Surah Qaf

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
قۤ ۗوَالْقُرْاٰنِ الْمَجِيْدِ ۖ١
Qāf, wal-qur'ānil-majīd(i).
[1] Qāf. 849 Demi Al-Qur’an anu mulya.
849) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

بَلْ عَجِبُوْٓا اَنْ جَاۤءَهُمْ مُّنْذِرٌ مِّنْهُمْ فَقَالَ الْكٰفِرُوْنَ هٰذَا شَيْءٌ عَجِيْبٌ ۚ٢
Bal ‘ajibū an jā'ahum munżirum minhum faqālal-kāfirūna hāżā syai'un ‘ajīb(un).
[2] (Maranéhna henteu narima) malah héraneun pédah geus datang ka maranéhna hiji jalma anu méré pépéling ti (golongan) maranéhna sorangan. Mangka, jalma-jalma kapir ngomong, “Ieu mah perkara anu ajaib pisan.”

ءَاِذَا مِتْنَا وَكُنَّا تُرَابًا ۚ ذٰلِكَ رَجْعٌۢ بَعِيْدٌ٣
A'iżā mitnā wa kunnā turābā(n), żālika raj‘um ba‘īd(un).
[3] (Jalma-jalma kapir ngomong,) “Naha upama kuring saréréa geus maot jeung geus jadi taneuh (bakal dihudangkeun deui)? Éta hiji pangbalikan anu teu mungkin.”

قَدْ عَلِمْنَا مَا تَنْقُصُ الْاَرْضُ مِنْهُمْ ۚوَعِنْدَنَا كِتٰبٌ حَفِيْظٌ٤
Qad ‘alimnā mā tanquṣul-arḍu minhum, wa ‘indanā kitābun ḥafīẓ(un).
[4] Tétéla Kami geus nyaho naon anu diteureuy ku taneuh tina (jasad-jasad) maranéhna, sabab mungguh Kami aya kitab (catetan) anu dijaga kalayan hadé.

بَلْ كَذَّبُوْا بِالْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَهُمْ فَهُمْ فِيْٓ اَمْرٍ مَّرِيْجٍ٥
Bal każżabū bil-ḥaqqi lammā jā'ahum fahum fī amrim marīj(in).
[5] Malahan maranéhna geus ngabohongkeun kana bebeneran waktu datang ka maranéhna. Ku kituna, maranéhna jadi pabaliut.

اَفَلَمْ يَنْظُرُوْٓا اِلَى السَّمَاۤءِ فَوْقَهُمْ كَيْفَ بَنَيْنٰهَا وَزَيَّنّٰهَا وَمَا لَهَا مِنْ فُرُوْجٍ٦
Afalam yanẓurū ilas-samā'i fauqahum kaifa banaināhā wa zayyanāhā wa mā lahā min furūj(in).
[6] Naha atuh maranéhna téh henteu niténan langit anu aya luhureunana kumaha Kami ngadegkeunana jeung mapaésanana, sarta henteu rarengat saeutik ogé?

وَالْاَرْضَ مَدَدْنٰهَا وَاَلْقَيْنَا فِيْهَا رَوَاسِيَ وَاَنْۢبَتْنَا فِيْهَا مِنْ كُلِّ زَوْجٍۢ بَهِيْجٍۙ٧
Wal-arḍa madadnāhā wa alqainā fīhā rawāsiya wa ambatnā fīhā min kulli zaujim bahīj(in).
[7] Kami ngamparkeun bumi sarta nancebkeun dina luhureunana gunung-gunung anu pengkuh. Kami nuwuhkeun di dinya pepelakan anu éndah katingalna,

تَبْصِرَةً وَّذِكْرٰى لِكُلِّ عَبْدٍ مُّنِيْبٍ٨
Tabṣirataw wa żikrā likulli ‘abdim munīb(in).
[8] pikeun jadi atikan jeung pépéling keur unggal hamba anu mulang (éling ka Allah).

وَنَزَّلْنَا مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً مُّبٰرَكًا فَاَنْۢبَتْنَا بِهٖ جَنّٰتٍ وَّحَبَّ الْحَصِيْدِۙ٩
Wa nazzalnā minas-samā'i mā'am mubārakan fa'ambatnā bihī jannātiw wa ḥabbal-ḥaṣīd(i).
[9] Ti langit Kami nurunkeun cai hujan anu méré barokah, tuluy Kami nuwuhkeun ku éta (cai) tatangkalan anu subur jeung sisikian anu bisa diala (dipanén).

وَالنَّخْلَ بٰسِقٰتٍ لَّهَا طَلْعٌ نَّضِيْدٌۙ١٠
Wan-nakhla bāsiqātil lahā ṭal‘un naḍīd(un).
[10] (Kami nuwuhkeun ogé) tangkal korma anu jarangkung anu mayangna laleubeut,

رِّزْقًا لِّلْعِبَادِۙ وَاَحْيَيْنَا بِهٖ بَلْدَةً مَّيْتًاۗ كَذٰلِكَ الْخُرُوْجُ١١
Rizqal lil-‘ibād(i), wa aḥyainā bihī baldatam maitā(n), każālikal-khurūj(u).
[11] (minangka) rejeki pikeun hamba-hamba (Kami). Kami ngahirupkeun ku éta cai hujan nagri anu paéh (tandus). Kawas kitu pisan kajadian hudang (ti kubur).

كَذَّبَتْ قَبْلَهُمْ قَوْمُ نُوْحٍ وَّاَصْحٰبُ الرَّسِّ وَثَمُوْدُ١٢
Każżabat qablahum qaumu nūḥiw wa aṣḥābur-rassi wa ṡamūd(u).
[12] Saméméh maranéhna, kaom Nuh, pangeusi Nagri Ross, jeung Samud ogé geus ngabohongkeun ka (para rasul).

وَعَادٌ وَّفِرْعَوْنُ وَاِخْوَانُ لُوْطٍۙ١٣
Wa ‘āduw wa fir‘aunu wa ikhwānu lūṭ(in).
[13] (Pon kitu deui) kaom ‘Ad, Fir’aun, jeung kaom Lut.

وَّاَصْحٰبُ الْاَيْكَةِ وَقَوْمُ تُبَّعٍۗ كُلٌّ كَذَّبَ الرُّسُلَ فَحَقَّ وَعِيْدِ١٤
Wa aṣḥābul-aikati wa qaumu tubba‘(in), kullun każżabar-rusula faḥaqqa wa‘īd(i).
[14] (Kitu deui) urang Aikah sarta kaom Tubba’. Kabéhanana geus ngabohongkeun rasul-rasul. Nya tumerap pikeun maranéhna ancaman (Kami).

اَفَعَيِيْنَا بِالْخَلْقِ الْاَوَّلِۗ بَلْ هُمْ فِيْ لَبْسٍ مِّنْ خَلْقٍ جَدِيْدٍ ࣖ١٥
Afa ‘ayīna bil-khalqil-awwal(i), bal hum fī labsim min khalqin jadīd(in).
[15] Naha Kami ripuh kitu ku nyiptakeun anu mimiti? (Henteu pisan-pisan) malah maranéhna aya dina kamangmangan ngeunaan nyiptakeun nu anyar (hudang tina kubur).

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْاِنْسَانَ وَنَعْلَمُ مَا تُوَسْوِسُ بِهٖ نَفْسُهٗ ۖوَنَحْنُ اَقْرَبُ اِلَيْهِ مِنْ حَبْلِ الْوَرِيْدِ١٦
Wa laqad khalaqnal-insāna wa na‘lamu mā tuwaswisu bihī nafsuh(ū), wa naḥnu aqrabu ilaihi min ḥablil-warīd(i).
[16] Tétéla Kami geus nyiptakeun manusa jeung nyaho kana naon anu diharéwoskeun ku haténa, sarta Kami leuwih deukeut ka manéhna batan urat beuheungna.

اِذْ يَتَلَقَّى الْمُتَلَقِّيٰنِ عَنِ الْيَمِيْنِ وَعَنِ الشِّمَالِ قَعِيْدٌ١٧
Iż yatalaqqal-mutalaqqiyāni ‘anil-yamīni wa ‘anisy-syimāli qa‘īd(un).
[17] Sing inget hidep (Muhammad) waktu dua malaikat nyatetkeun (amalna), anu hiji aya di beulah katuhu, sedengkeun anu hiji deui aya di beulah kénca.

مَا يَلْفِظُ مِنْ قَوْلٍ اِلَّا لَدَيْهِ رَقِيْبٌ عَتِيْدٌ١٨
Mā yalfiẓu min qaulin illā ladaihi raqībun ‘atīd(un).
[18] Teu aya sakecap ogé anu diucapkeun anging di gigireunana aya malaikat anu nalingakeun anu siap (nyatet).

وَجَاۤءَتْ سَكْرَةُ الْمَوْتِ بِالْحَقِّ ۗذٰلِكَ مَا كُنْتَ مِنْهُ تَحِيْدُ١٩
Wa jā'at sakratul-mauti bil-ḥaqq(i), żālika mā kunta minhu taḥīd(u).
[19] Geus datang sakaratul maut kalayan sabener-benerna.Tah éta anu baheula ku manéh rék disingkahan.

وَنُفِخَ فِى الصُّوْرِۗ ذٰلِكَ يَوْمُ الْوَعِيْدِ٢٠
Wa nufikha fiṣ-ṣūr(i), żālika yaumul-wa‘īd(i).
[20] Sangkakala ditiup.Tah éta poé anu diancemkeun.

وَجَاۤءَتْ كُلُّ نَفْسٍ مَّعَهَا سَاۤىِٕقٌ وَّشَهِيْدٌ٢١
Wa jā'at kullu nafsim ma‘ahā sā'iquw wa syahīd(un).
[21] Tiap-tiap diri bakal datang dibarengan (malaikat) anu ngiringkeun jeung (malaikat) anu jadi saksi.

لَقَدْ كُنْتَ فِيْ غَفْلَةٍ مِّنْ هٰذَا فَكَشَفْنَا عَنْكَ غِطَاۤءَكَ فَبَصَرُكَ الْيَوْمَ حَدِيْدٌ٢٢
Laqad kunta fī gaflatim min hāżā fakasyafnā ‘anka giṭā'aka fabaṣarukal-yauma ḥadīd(un).
[22] Sabenerna manéh baheula talédor ngeunaan ieu (kajadian), nya Kami singkabkeun hahalang (anu nutupan) panénjo manéh, nepi ka panénjo manéh dina poé ieu jadi seukeut.

وَقَالَ قَرِيْنُهٗ هٰذَا مَا لَدَيَّ عَتِيْدٌۗ٢٣
Wa qāla qarīnuhū hāżā mā ladayya ‘atīd(un).
[23] Pok (malaikat) anu marengan manéh nyarios, “Ieu (catetan lalampahan) anu aya di sim kuring.”

اَلْقِيَا فِيْ جَهَنَّمَ كُلَّ كَفَّارٍ عَنِيْدٍ٢٤
Alqiyā fī jahannama kulla kaffārin ‘anīd(in).
[24] (Allah ngadawuh), “Gebruskeun ku anjeun duaan kana Jahanam sakur jalma anu kacida ingkarna jeung anu wangkelang,

مَنَّاعٍ لِّلْخَيْرِ مُعْتَدٍ مُّرِيْبٍۙ٢٥
Mannā‘il lil-khairi mu‘tadim murīb(in).
[25] anu kacida embung milampah kahadéan, ngarempak wates, mangmang,

ۨالَّذِيْ جَعَلَ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ فَاَلْقِيٰهُ فِى الْعَذَابِ الشَّدِيْدِ٢٦
Allażī ja‘ala ma‘allāhi ilāhan ākhara fa'alqiyāhu fil-‘ażābisy-syadīd(i).
[26] (jeung) anu nyarékatkeun Allah. Ku kituna, gebruskeun manéhna kana siksa anu kacida rongkahna!”

۞ قَالَ قَرِيْنُهٗ رَبَّنَا مَآ اَطْغَيْتُهٗ وَلٰكِنْ كَانَ فِيْ ضَلٰلٍۢ بَعِيْدٍ٢٧
Qāla qarīnuhū rabbanā mā aṭgaituhū wa lākin kāna fī ḍalālim ba‘īd(in).
[27] (Sétan) anu marengan manéhna (oge) ngomong, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, sayaktosna abdi henteu nyasarkeun manéhna, nanging manéhna ku anjeun anu salamina aya dina kasasaran anu tebih.”

قَالَ لَا تَخْتَصِمُوْا لَدَيَّ وَقَدْ قَدَّمْتُ اِلَيْكُمْ بِالْوَعِيْدِ٢٨
Qāla lā takhtaṣimū ladayya wa qad qaddamtu ilaikum bil-wa‘īd(i).
[28] Mantenna ngadawuh, “Maranéh ulah paraséa di hareupeun Kami. Sabenerna baheula Kami geus méré ancaman ka maranéh.”

مَا يُبَدَّلُ الْقَوْلُ لَدَيَّ وَمَآ اَنَا۠ بِظَلَّامٍ لِّلْعَبِيْدِ ࣖ٢٩
Mā yubaddalul-qaulu ladayya wa mā ana biẓallāmil lil-‘abīd(i).
[29] Kaputusan Kami moal bisa dirobah. Kami henteu pisan-pisan kaniaya ka hamba-hamba Kami.

يَوْمَ نَقُوْلُ لِجَهَنَّمَ هَلِ امْتَلَـْٔتِ وَتَقُوْلُ هَلْ مِنْ مَّزِيْدٍ٣٠
Yauma naqūlu lijahannama halimtala'ti wa taqūlu hal mim mazīd(in).
[30] Sing inget hidep (Muhammad) kana poé (nalika) Kami tumanya ka Jahanam, “Naha geus pinuh anjeun téh?”Jahanam ngajawab, “Naha aya kénéh tambihna?”

وَاُزْلِفَتِ الْجَنَّةُ لِلْمُتَّقِيْنَ غَيْرَ بَعِيْدٍ٣١
Wa uzlifatil-jannatu lil-muttaqīna gaira ba‘īd(in).
[31] Sedengkeun sawarga dideukeutkeun ka jalma-jalma anu takwa dina tempat anu henteu jauh (ti aranjeunna).

هٰذَا مَا تُوْعَدُوْنَ لِكُلِّ اَوَّابٍ حَفِيْظٍۚ٣٢
Hāżā mā tū‘adūna likulli awwābin ḥafīẓ(in).
[32] (Ka aranjeunna dibéwarakeun), “Ieu téh ni’mat anu dijangjikeun ka aranjeun, (nyaéta) pikeun saban hamba anu salawasna tobat (ka Allah) jeung ngaraksa (sakabéh aturan-aturan-Na).

مَنْ خَشِيَ الرَّحْمٰنَ بِالْغَيْبِ وَجَاۤءَ بِقَلْبٍ مُّنِيْبٍۙ٣٣
Man khasyiyar-raḥmāna bil-gaibi wa jā'a biqalbim munīb(in).
[33] (Nyaéta) jalma nu ajrih ka Pangéran Nu Mahawelas, sanajan Mantenna henteu katingali (ku aranjeunna), sarta anjeunna datang kalayan haté anu tobat.

ۨادْخُلُوْهَا بِسَلٰمٍ ۗذٰلِكَ يَوْمُ الْخُلُوْدِ٣٤
Udkhulūhā bisalām(in), żālika yaumul-khulūd(i).
[34] Hiyap! aranjeun geura asup ka (jero sawarga) kalayan aman jeung tengtrem. Éta téh poé anu langgeng.”

لَهُمْ مَّا يَشَاۤءُوْنَ فِيْهَا وَلَدَيْنَا مَزِيْدٌ٣٥
Lahum mā yasyā'ūna fīhā wa ladainā mazīd(un).
[35] Aranjeunna di jero sawarga kénging sagala rupa anu dipikapalay ku aranjeunna. Di mungguhing Kami aya deui tambahna.

وَكَمْ اَهْلَكْنَا قَبْلَهُمْ مِّنْ قَرْنٍ هُمْ اَشَدُّ مِنْهُمْ بَطْشًا فَنَقَّبُوْا فِى الْبِلَادِۗ هَلْ مِنْ مَّحِيْصٍ٣٦
Wa kam ahlaknā qablahum min qarnin hum asyaddu minhum baṭsyan fanaqqabū fil-bilād(i), hal mim maḥīṣ(in).
[36] Loba pisan umat anu ku Kami geus dibinasakeun saméméh maranéhna, (padahal) maranéhna leuwih rongkah kakuatanana batan maranéhna (urang Mekah). Maranéhna téh geus kungsi ngalalana ka sababara nagri. Naha aya tempat pilumpateun (pikeun maranéhna nyingkahan kabinasaan)?

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَذِكْرٰى لِمَنْ كَانَ لَهٗ قَلْبٌ اَوْ اَلْقَى السَّمْعَ وَهُوَ شَهِيْدٌ٣٧
Inna fī żālika lażikrā liman kāna lahū qalbun au alqas-sam‘a wa huwa syahīd(un).
[37] Sabenerna dina perkara anu kitu téh pasti aya pépéling pikeun jalma-jalma anu boga haté atawa anu ngagunakeun pangrunguna, bari manéhna nyaksian.

وَلَقَدْ خَلَقْنَا السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍۖ وَّمَا مَسَّنَا مِنْ لُّغُوْبٍ٣٨
Wa laqad khalaqnas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā fī sittati ayyām(in), wa mā massanā mil lugūb(in).
[38] Sabenerna Kami geus nyiptakeun langit jeung bumi katut naon rupa anu aya di antarana dina genep mangsa, jeung Kami henteu ngarasa ripuh saeutik ogé.

فَاصْبِرْ عَلٰى مَا يَقُوْلُوْنَ وَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ قَبْلَ طُلُوْعِ الشَّمْسِ وَقَبْلَ الْغُرُوْبِ ۚ٣٩
Faṣbir ‘alā mā yaqūlūna wa sabbiḥ biḥamdi rabbika qabla ṭulū‘isy-syamsi wa qablal-gurūb(i).
[39] Ku kituna, hidep (Muhammad) sing sabar baé kana naon anu diucapkeun ku maranéhna, jeung prak geura tasbéh ku muji ka Mantenna saméméh panonpoé meléték jeung surup.

وَمِنَ الَّيْلِ فَسَبِّحْهُ وَاَدْبَارَ السُّجُوْدِ٤٠
Wa minal-laili fasabbiḥhu wa adbāras-sujūd(i).
[40] Prak hidep (Muhammad) geura ngamahasucikeun ka Mantenna ti peuting jeung dina saban-saban réngsé salat.

وَاسْتَمِعْ يَوْمَ يُنَادِ الْمُنَادِ مِنْ مَّكَانٍ قَرِيْبٍ٤١
Wastami‘ yauma yunādil-munādi mim makānin qarīb(in).
[41] Geura reungeukeun ku hidep (Muhammad) dina poéan waktu cumelukna (malaikat) anu nyalukan ti tempat anu deukeut.

يَوْمَ يَسْمَعُوْنَ الصَّيْحَةَ بِالْحَقِّ ۗذٰلِكَ يَوْمُ الْخُرُوْجِ٤٢
Yauma yasma‘ūnaṣ-ṣaiḥata bil-ḥaqq(i), żālika yaumul-khurūj(i).
[42] (Nyaéta) dina poé (nalika) maranéhna ngadéngé sora anu tarik handaruan kalayan kalayan sabenerna. Éta téh poéan kaluar (tina kubur).

اِنَّا نَحْنُ نُحْيٖ وَنُمِيْتُ وَاِلَيْنَا الْمَصِيْرُۙ٤٣
Innā naḥnu nuḥyī wa numītu wa ilainal-maṣīr(u).
[43] Sabenerna Kami anu ngahirupkeun jeung anu ngamaotkeun, jeung ngan ka Kami tempat mulang (sakabéh mahluk).

يَوْمَ تَشَقَّقُ الْاَرْضُ عَنْهُمْ سِرَاعًا ۗذٰلِكَ حَشْرٌ عَلَيْنَا يَسِيْرٌ٤٤
Yauma tasyaqqaqul-arḍu ‘anhum sirā‘ā(n), żālika ḥasyrun ‘alainā yasīr(un).
[44] (Nyaéta) poé (nalika) bumi bareulah (jeung) maranéhna bijil kalayan gancang pisan. Éta téh cara ngumpulkeun anu gampang pisan pikeun Kami.

نَحْنُ اَعْلَمُ بِمَا يَقُوْلُوْنَ وَمَآ اَنْتَ عَلَيْهِمْ بِجَبَّارٍۗ فَذَكِّرْ بِالْقُرْاٰنِ مَنْ يَّخَافُ وَعِيْدِ ࣖ٤٥
Naḥnu a‘lamu bimā yaqūlūna wa mā anta ‘alaihim bijabbār(in), fażakkir bil-qur'āni may yakhāfu wa‘īd(i).
[45] Kami leuwih nyaho kana naon anu diomongkeun ku maranéhna, jeung hidep (Muhammad) lain purah maksa mirusa ka maranéhna. Ku kituna, pék geura béré pépéling ku Al-Qur’an ka saha baé anu sieun ku ancaman (Kami).