Surah Al-Ma`idah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَوْفُوْا بِالْعُقُوْدِۗ اُحِلَّتْ لَكُمْ بَهِيْمَةُ الْاَنْعَامِ اِلَّا مَا يُتْلٰى عَلَيْكُمْ غَيْرَ مُحِلِّى الصَّيْدِ وَاَنْتُمْ حُرُمٌۗ اِنَّ اللّٰهَ يَحْكُمُ مَا يُرِيْدُ١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū aufū bil-‘uqūd(i), uḥillat lakum bahīmatul-an‘āmi illā mā yutlā ‘alaikum gaira muḥilliṣ-ṣaidi wa antum ḥurum(un), innallāha yaḥkumu mā yurīd(u).
[1] Hé jalma-jalma anu iman, pék geura cumponan jangji-jangji! 251 Sasatoan ingon-ingon geus dihalalkeun pikeun aranjeun, kajaba anu bakal disebutan ka aranjeun (kaharamanana), kalayan henteu ngahalalkeun moro sasatoan dina waktu aranjeun keur ngalakonan ihrom (haji atawa umroh). Sabenerna Allah netepkeun hukum luyu jeung naon anu dikersakeun ku Mantenna.
251) Jangji di dieu nyaéta jangji satia hamba ka Allah, kaasup jangji anu dijieun antara manusa jeung manusa dina hirup kumbuh.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تُحِلُّوْا شَعَاۤىِٕرَ اللّٰهِ وَلَا الشَّهْرَ الْحَرَامَ وَلَا الْهَدْيَ وَلَا الْقَلَاۤىِٕدَ وَلَآ اٰۤمِّيْنَ الْبَيْتَ الْحَرَامَ يَبْتَغُوْنَ فَضْلًا مِّنْ رَّبِّهِمْ وَرِضْوَانًا ۗوَاِذَا حَلَلْتُمْ فَاصْطَادُوْا ۗوَلَا يَجْرِمَنَّكُمْ شَنَاٰنُ قَوْمٍ اَنْ صَدُّوْكُمْ عَنِ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اَنْ تَعْتَدُوْاۘ وَتَعَاوَنُوْا عَلَى الْبِرِّ وَالتَّقْوٰىۖ وَلَا تَعَاوَنُوْا عَلَى الْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِ ۖوَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tuḥillū sya‘ā'irallāhi wa lasy-syahral-ḥarāma wa lal-hadya wa lal-qalā'ida wa lā āmmīnal-baital-ḥarāma yabtagūna faḍlam mir rabbihim wa riḍwānā(n), wa iżā ḥalaltum faṣṭādū, wa lā yajrimannakum syana'ānu qaumin an ṣaddūkum ‘anil- asjidil-ḥarāmi an ta‘tadū, wa ta‘āwanū ‘alal-birri wat-taqwā, wa lā ta‘āwanū ‘alal-iṡmi wal-‘udwān(i), wattaqullāh(a), innallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[2] Hé jalma-jalma anu iman, kadé ulah rék ngarempak si’ar-si’ar (kasucian agama) Allah! 252 Omat ulah rék (ngarempak kahormatan) bulan-bulan haram, 253 ulah (rék ngaganggu) hady (sasatoan pikeun kurban) 254 jeung komo qalāid (sato-sato kurban anu maké tanda dina beuheungna), 255 jeung ulah (rék ngaganggu jalma-jalma) nu rék ngadatangan ka Bayt al-ḥarām anu rék néangan kurnia sarta karidoan ti Pangéranana! 256 Tapi lamun aranjeun geus taḥallul (ngaréngsékeun ihrom) mah, mangka pék geura moro sasatoan (lamun hayang mah)! Kadé ulah sakali-kali kaceuceub aranjeun ka kaom anu geus kungsi megatan ka aranjeun ka Masjidilharam ngadorong aranjeun migawé anu ngaleuwihan wates (ka maranéhna)! (Malah) aranjeun kudu silih tulungan dina kahadéan jeung katakwaan, jeung omat ulah silih tulungan dina milampah dosa jeung mumusuhan. Kudu takwa ka Allah. Sabenerna Allah téh rongkah pisan siksaana-Na.
252) Syi’ar-syi’ar kasucian agama Allah téh bisa dima’naan sakabéh amalan anu dilaksanakeun dina raraga ibadah haji saperti tata cara ngalakukan tawaf jeung sa’i, sarta tempat-tempat ngalaksanakeunana saperti Ka’bah, Sofa, jeung Marwa. 253) Bulan Haram téh nyaéta bulan Julka’dah, Muharam, jeung Rajab. Dina tilu bulan éta, saha baé dicegah pikeun ngalakukeun peperangan. 254) Hady nyaéta sato anu dipeuncit pikeun “pangganti” (dam) pagawéan wajib haji anu ditinggalkeun, atawa jadi denda ku sabab ngarempak hal-hal anu dicegah dilakukeunana waktu ibadah haji. 255) Qalāid nyaéta sato hady anu geus dibéré ciri mangrupa kalung, supaya dipikanyaho ku saha baé yén éta sato téh geus ditetepkeun pikeun dikurbankeun jeung dibawa ka Ka’bah. 256) Anu dimaksud “kalayan karunia” di dieu téh nyaéta kauntungan anu geus dipasihkeun ku Allah dina ngalaksanakeun ibadah haji, sedengkeun karidoan Allah di dieu mah nyaéta mangrupa ganjaran amalan haji.

حُرِّمَتْ عَلَيْكُمُ الْمَيْتَةُ وَالدَّمُ وَلَحْمُ الْخِنْزِيْرِ وَمَآ اُهِلَّ لِغَيْرِ اللّٰهِ بِهٖ وَالْمُنْخَنِقَةُ وَالْمَوْقُوْذَةُ وَالْمُتَرَدِّيَةُ وَالنَّطِيْحَةُ وَمَآ اَكَلَ السَّبُعُ اِلَّا مَا ذَكَّيْتُمْۗ وَمَا ذُبِحَ عَلَى النُّصُبِ وَاَنْ تَسْتَقْسِمُوْا بِالْاَزْلَامِۗ ذٰلِكُمْ فِسْقٌۗ اَلْيَوْمَ يَىِٕسَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ دِيْنِكُمْ فَلَا تَخْشَوْهُمْ وَاخْشَوْنِۗ اَلْيَوْمَ اَكْمَلْتُ لَكُمْ دِيْنَكُمْ وَاَتْمَمْتُ عَلَيْكُمْ نِعْمَتِيْ وَرَضِيْتُ لَكُمُ الْاِسْلَامَ دِيْنًاۗ فَمَنِ اضْطُرَّ فِيْ مَخْمَصَةٍ غَيْرَ مُتَجَانِفٍ لِّاِثْمٍۙ فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٣
Ḥurrimat ‘alaikumul-maitatu wad-damu wa laḥmul-khinzīri wa mā uhilla ligairillāhi bihī wal-munkhaniqatu wal-mauqūżatu wal-mutaraddiyatu wan-naṭīḥatu wa mā akalas-sabu‘u illā mā żakkaitum, wa mā żubiḥa ‘alan-nuṣubi wa an tastaqsimū bil-azlām(i), żālikum fisq(un), al-yauma ya'isal-lażīna kafarū min dīnikum falā takhsyauhum wakhsyaun(i), al-yauma akmaltu lakum dīnakum wa atmamtu ‘alaikum ni‘matī wa raḍītu lakumul-islāma dīnā(n), fa maniḍṭurra fī makhmaṣatin gaira mutajānifil li'iṡm(in), fa innallāha gafūrur raḥīm(un).
[3] Diharamkeun pikeun aranjeun (ngadahar) bangké, getih, 257 daging babi, (daging) sato anu dipeuncit kalawan teu nyebut (jenengan) Allah, nu (paéhna) kacekék, nu (paéhna) diteunggeul, nu (paéhna) tibeubeut, nu (paéhna) digadil, jeung nu (paéhna) dikerekeb sato galak, kajaba (sempet) dipeuncit ku aranjeun. 258 (Diharamkeun ogé sato) anu dipeuncit pikeun berhala. (Diharamkan ogé) ngundi nasib maké azlām (anak panah). 259 Èta (kabéh) téh kaasup kana pagawéan pasék. Dina ieu poé, 260 jalma-jalma kapir téh geus peunggas harepan pikeun (ngéléhkeun) agama aranjeun. Ku kituna, omat aranjeun ulah rék sieun ku maranéhna, tapi sieun mah kudu ku Kami baé. Dina ieu poé, Kami geus nyampurnakeun agama aranjeun pikeun aranjeun, geus nyampurnakeun ni’mat Kami pikeun aranjeun, jeung geus rido Islam jadi agama aranjeun. Mangka, saha baé anu kapaksa 261 ku sabab lapar, lain ngahaja hayang milampah dosa, saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
257) Maksudna marus, nyaéta getih anu kaluar tina sato sakumaha dijelaskeun dina surat al-An’ām/ 6:145. 258) Sasatoan anu paéhna dicekék, diteunggeul, tibeubeut, digadil ku sato anu tandukan, atawa dikerekeb sato galak, éta kabéh halal pikeun didahar lamun kaburu dipeuncit. 259) Azlām nyaéta anak panah anu can dibuluan. Urang Arab saméméh datangna Islam ngagunakeun éta anak panah pikeun nangtukeun hal anu kudu dilakukeun atawa ulah dilakukan, naha kaasup hadé dilakukeun atawa goréng dilakukeun. Carana nyaéta: Maranéhna nyokot tilu anak panah anu can dipasangan bulu. Saenggeus siap, saban-saban anak panah ditulisan ku tulisan anu ditangtukeun. Anu kahiji ditulisan “pék lakukeun”, anu kadua ditulisan “ulah dilakukeun”, sedengkeun anu katilu henteu ditulisan naon-naon. Tuluy anak panah ditunda dina hiji wadah jeung disimpen di jero Ka’bah. Lamun maranéhna rék ngalakukeun hiji pagawéan, mangka maranéhna ménta ka kuncén Ka’bah pikeun nyokot salah sahiji anak panah téa. Maranéhna bakal nurut kana tulisan anu aya (...)

يَسْـَٔلُوْنَكَ مَاذَآ اُحِلَّ لَهُمْۗ قُلْ اُحِلَّ لَكُمُ الطَّيِّبٰتُۙ وَمَا عَلَّمْتُمْ مِّنَ الْجَوَارِحِ مُكَلِّبِيْنَ تُعَلِّمُوْنَهُنَّ مِمَّا عَلَّمَكُمُ اللّٰهُ فَكُلُوْا مِمَّآ اَمْسَكْنَ عَلَيْكُمْ وَاذْكُرُوا اسْمَ اللّٰهِ عَلَيْهِ ۖوَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ٤
Yas'alūnaka māżā uḥilla lahum, qul uḥilla lakumuṭ-ṭayyibāt(u), wa mā ‘allamtum minal-jawāriḥi mukallibīna tu‘allimūnahunna mimmā ‘allamakumullāhu fa kulū mimmā amsakna ‘alaikum ważkurusmallāhi ‘alaih(i), wattaqullāh(a), innallāha sarī‘ul-ḥisāb(i).
[4] Maranéhna nanya kieu ka hidep (Muhammad) ngeunaan naon baé anu dihalalkeun pikeun maranéhna. Pok ucapkeun, “Anu dihalalkeun pikeun aranjeun téh nyaéta (kadaharan-kadaharan) anu alus jeung (buburon anu ditéwak) ku sato paninggaran anu geus dilatih ku aranjeun pikeun moro jeung anu dilatih nurut ka nu geus diajarkeun ku Allah ka aranjeun. Atuh kop baé dahar naon nu geus ditéwak ku éta sato paninggaran pikeun aranjeun, 262 jeung pok sebut jenengan Allah (waktu ngaleupaskeun éta sato). Aranjeun kudu takwa ka Allah. Saleresna Allah Mahaénggal Balitungana-Na.
262) Sato paninggaran atawa sato paburon nyaéta sato anu dilatih pikeun moro sato séjénna. Sato anu ditéwak ku sato paninggaran (paburon) henteu didahar saeutik ogé ku éta sato paninggaran.

اَلْيَوْمَ اُحِلَّ لَكُمُ الطَّيِّبٰتُۗ وَطَعَامُ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ حِلٌّ لَّكُمْ ۖوَطَعَامُكُمْ حِلٌّ لَّهُمْ ۖوَالْمُحْصَنٰتُ مِنَ الْمُؤْمِنٰتِ وَالْمُحْصَنٰتُ مِنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِكُمْ اِذَآ اٰتَيْتُمُوْهُنَّ اُجُوْرَهُنَّ مُحْصِنِيْنَ غَيْرَ مُسٰفِحِيْنَ وَلَا مُتَّخِذِيْٓ اَخْدَانٍۗ وَمَنْ يَّكْفُرْ بِالْاِيْمَانِ فَقَدْ حَبِطَ عَمَلُهٗ ۖوَهُوَ فِى الْاٰخِرَةِ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ ࣖ٥
Al-yauma uḥilla lakumuṭ-ṭayyibāt(u), wa ṭa‘āmul-lażīna ūtul-kitāba ḥillul lakum, wa ṭa‘āmukum ḥillul lahum, wal-muḥṣanātu minal-mu'mināti wal-muḥṣanātu minal-lażīna ūtul-kitāba min qablikum iżā ātaitumūhunna ujūrahunna muḥṣinīna gaira musāfiḥīna wa lā muttakhiżī akhdān(in), wa may yakfur bil-īmāni faqad ḥabiṭa ‘amaluh(ū), wa huwa fil-ākhirati minal-khāsirīn(a).
[5] Dina ieu poé dihalalkeun pikeun aranjeun sagala (kadaharan) anu aralus. Kadaharan (peupeuncitan) Ahli Kitab ogé halal pikeun aranjeun, jeung kadaharan aranjeun ogé halal pikeun maranéhna. (Dihalalkeun pikeun aranjeun kawin ka) wanoja-wanoja ti golongan anu iman anu ngajaga kahormatan, 263 kitu deui wanoja-wanoja nu ngajaga kahormatan ti golongan golongan Ahli Kitab saméméh aranjeun, lamun aranjeun geus mayar maskawin maranéhna pikeun kawin ka maranéhna lain pikeun (maksud) jinah, jeung lain pikeun dijadikeun piaraan (gundik). Saha baé anu kupur sanggeus iman, mangka tétéla mubah amalna jeung di ahératna manéhna kaasup jalma-jalma anu rugi.
263) Sabagian ahli tapsir nyebutkeun yén wanoja anu ngajaga kahormatan téh nyaéta wanoja merdika.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا قُمْتُمْ اِلَى الصَّلٰوةِ فَاغْسِلُوْا وُجُوْهَكُمْ وَاَيْدِيَكُمْ اِلَى الْمَرَافِقِ وَامْسَحُوْا بِرُءُوْسِكُمْ وَاَرْجُلَكُمْ اِلَى الْكَعْبَيْنِۗ وَاِنْ كُنْتُمْ جُنُبًا فَاطَّهَّرُوْاۗ وَاِنْ كُنْتُمْ مَّرْضٰٓى اَوْ عَلٰى سَفَرٍ اَوْ جَاۤءَ اَحَدٌ مِّنْكُمْ مِّنَ الْغَاۤىِٕطِ اَوْ لٰمَسْتُمُ النِّسَاۤءَ فَلَمْ تَجِدُوْا مَاۤءً فَتَيَمَّمُوْا صَعِيْدًا طَيِّبًا فَامْسَحُوْا بِوُجُوْهِكُمْ وَاَيْدِيْكُمْ مِّنْهُ ۗمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ لِيَجْعَلَ عَلَيْكُمْ مِّنْ حَرَجٍ وَّلٰكِنْ يُّرِيْدُ لِيُطَهِّرَكُمْ وَلِيُتِمَّ نِعْمَتَهٗ عَلَيْكُمْ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā qumtum ilaṣ-ṣalāti fagsilū wujūhakum wa aidiyakum ilal-marāfiqi wamsaḥū biru'ūsikum wa arjulakum ilal-ka‘bain(i), wa in kuntum junuban faṭṭahharū, wa in kuntum marḍā au ‘alā safarin au jā'a aḥadum minkum minal-gā'iṭi au lāmastumun-nisā'a falam tajidū mā'an fa tayammamū ṣa‘īdan ṭayyiban famsaḥū biwujūhikum wa aidīkum minh(u), mā yurīdullāhu liyaj‘ala ‘alaikum min ḥarajiw wa lākiy yurīdu liyuṭahhirakum wa liyutimma na‘matahū ‘alaikum la‘allakum tasykurūn(a).
[6] Hé jalma-jalma anu iman, lamun rék ngadegkeun salat, aranjeun kudu ngumbah beungeut jeung leungeun nepi kana siku, kudu ngusap sirah, jeung kudu (ngumbah) suku nepi kana mumuncangan! Lamun aranjeun keur dina kaayaan junub, atuh geura mandi junub. Lamun aranjeun gering, 264 atawa keur nyanyabaan, atawa salah saurang ti antara aranjeun geus kaluar ti jamban, atawa geus paantel kulit jeung awéwé, 265 sedengkeun aranjeun henteu manggih cai, atuh prak baé tayamum ku kebul taneuh anu alus (suci), nyaéta (ku cara) ngusap beungeut jeung leungeun ku éta (kebul). Allah moal ngersakeun kasusah saeutik ogé pikeun aranjeun, tapi Mantenna rék ngersakeun pikeun ngaberesihkeun aranjeun jeung nyampurnakeun ni'mat-Na pikeun aranjeun sangkan pada sukuran.
264) Gering anu henteu meunang kabaseuhan ku cai. 265) Paantel di dieu, nurutkeun jumhur ulama, nyaéta “paantel antara kulit lalaki jeung awéwé anu lain muhrimna”. Aya ogé sabagian ahli tapsir anu ngama’naan paantel di dieu ku ma’na “pasatemon antara salaki jeung pamajikanana”.

وَاذْكُرُوْا نِعْمَةَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَمِيْثَاقَهُ الَّذِيْ وَاثَقَكُمْ بِهٖٓ ۙاِذْ قُلْتُمْ سَمِعْنَا وَاَطَعْنَا ۖوَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٧
Ważkurū ni‘matallāhi ‘alaikum wa mīṡāqahul-lażī wāṡaqakum bih(ī), iż qultum sami‘nā wa aṭa‘nā, wattaqullāh(a), innallāha ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[7] Sing inget kana ni'mat Allah (anu geus dipaparinkeun) ka aranjeun jeung kana perjangjian (ka) Mantenna 266 anu geus dipaheutkeun ka aranjeun waktu aranjeun ngucapkeun kieu, “Abdi sadaya nguping sinareng ta'at.” Kudu takwa ka Allah! Saleresna Allah mah Mahauninga kana sagala eusi haté.
266) Perjangjian ngeunaan ba’iah nyaéta sumpah para sahabat Nabi Saw. rék nguping jeung ta’at ka anjeunna dina sagala kaayaan.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُوْنُوْا قَوَّامِيْنَ لِلّٰهِ شُهَدَاۤءَ بِالْقِسْطِۖ وَلَا يَجْرِمَنَّكُمْ شَنَاٰنُ قَوْمٍ عَلٰٓى اَلَّا تَعْدِلُوْا ۗاِعْدِلُوْاۗ هُوَ اَقْرَبُ لِلتَّقْوٰىۖ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌۢ بِمَا تَعْمَلُوْنَ٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kūnū qawwāmīna lillāhi syuhadā'a bil-qisṭi wa lā yajrimannakum syana'ānu qamin ‘alā allā ta‘dilū, i‘dilū, huwa aqrabu lit-taqwā wattaqullāh(a), innallāha khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[8] Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun kudu jadi jalma-jalma anu nanjeurkeun kaadilan karana Allah (jeung) jadi saksi-saksi (anu nyaksian) kalayan adil. Kadé kaceuceub aranjeun ka hiji kaom ulah ngadorong aranjeun pikeun henteu (migawé) adil. Kudu adil aranjeun sabab éta téh leuwih deukeut kana katakwaan. Kudu takwa ogé ka Allah. Saleresna Allah mah Mahataliti kana sakabéh nu dipilampah ku aranjeun.

وَعَدَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِۙ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّاَجْرٌ عَظِيْمٌ٩
Wa‘adallāhul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāt(i), lahum magfiratuw wa ajrun ‘aẓīm(un).
[9] Allah geus ngajangjikeun ka jalma-jalma anu iman jeung milampah amal soléh (yén) pikeun aranjeunna pangampura jeung ganjaran nu gedé.

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَحِيْمِ١٠
Wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā ulā'ika aṣḥābul-jaḥīm(i).
[10] Sedengkeun jalma-jalma anu kupur jeung ngabohongkeun ayat-ayat Kami, nya maranéhna pisan anu bakal jadi pangeusi (naraka) Jahim.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اذْكُرُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ اِذْ هَمَّ قَوْمٌ اَنْ يَّبْسُطُوْٓا اِلَيْكُمْ اَيْدِيَهُمْ فَكَفَّ اَيْدِيَهُمْ عَنْكُمْۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗوَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ ࣖ١١
Yā ayyuhal-lażīna āmanużkurū ni‘matallāhi ‘alaikum iż hamma qaumun ay yabsuṭū ilaikum aidiyahum fa kaffa aidiyahum ‘ankum, wattaqullāh(a), wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[11] Hé jalma-jalma iman, sing inget kana ni'mat Allah (anu geus dipaparinkeun) ka aranjeun waktu aya hiji kaom seja nyerang ka aranjeun ku leungeunna, tuluy Mantenna nahan (nyegah) leungeun maranéhna ti aranjeun. Atuh kudu takwa ka Allah! Mung ka Allah jalma-jalma anu iman tawakal.

۞ وَلَقَدْ اَخَذَ اللّٰهُ مِيْثَاقَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَۚ وَبَعَثْنَا مِنْهُمُ اثْنَيْ عَشَرَ نَقِيْبًاۗ وَقَالَ اللّٰهُ اِنِّيْ مَعَكُمْ ۗ لَىِٕنْ اَقَمْتُمُ الصَّلٰوةَ وَاٰتَيْتُمُ الزَّكٰوةَ وَاٰمَنْتُمْ بِرُسُلِيْ وَعَزَّرْتُمُوْهُمْ وَاَقْرَضْتُمُ اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًا لَّاُكَفِّرَنَّ عَنْكُمْ سَيِّاٰتِكُمْ وَلَاُدْخِلَنَّكُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۚ فَمَنْ كَفَرَ بَعْدَ ذٰلِكَ مِنْكُمْ فَقَدْ ضَلَّ سَوَاۤءَ السَّبِيْلِ١٢
Wa laqad akhażallāhu mīṡāqa banī isrā'īl(a), wa ba‘aṡnā minhumuṡnai ‘asyara naqībā(n), wa qālallāhu innī ma‘akum, la'in aqamtumuṣ-ṣalāta wa ātaitumuz-zakāta wa āmantum birusulī wa ‘azzartumūhum wa aqraḍtumullāha qarḍan ḥasanal la'ukaffiranna ‘ankum sayyi'ātikum wa la'udkhilannakum jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), faman kafara ba‘da żālika minkum faqad ḍalla sawā'as-sabīl(i).
[12] Tétéla Allah geus nyandak perjangjian ti kaom Bani Israél. Kami ogé geus ngangkat dua welas pamingpin ti antara maranéhna. Allah ngadawuh kieu, “Sabenerna Kami reureujeungan jeung aranjeun.” Saenyana lamun aranjeun ngadegkeun salat, ngaluarkeun jakat, iman tur ngabantu ka rasul-rasul Kami, jeung nginjeumkeun ka Allah ku injeuman nu hadé, 267 tangtu Kami bakal ngahapus kasalahan-kasalahan aranjeun sarta bakal ngasupkeun aranjeun ka sawarga nu di handapeunana cor-cor walungan-walungan. Ku sabab kitu, saha baé nu kupur ti antara aranjeun sanggeus éta (perjangjian), tétéla manéhna téh geus sasar tina jalan anu lempeng.”
267) Ngainpakkeun (méré mawéh) harta kalayan haté anu ihlas pikeun ngalaksanakeun kawajiban anu patula-patali jeung harta sarta jiwa.

فَبِمَا نَقْضِهِمْ مِّيْثَاقَهُمْ لَعَنّٰهُمْ وَجَعَلْنَا قُلُوْبَهُمْ قٰسِيَةً ۚ يُحَرِّفُوْنَ الْكَلِمَ عَنْ مَّوَاضِعِهٖۙ وَنَسُوْا حَظًّا مِّمَّا ذُكِّرُوْا بِهٖۚ وَلَا تَزَالُ تَطَّلِعُ عَلٰى خَاۤىِٕنَةٍ مِّنْهُمْ اِلَّا قَلِيْلًا مِّنْهُمْ ۖ فَاعْفُ عَنْهُمْ وَاصْفَحْ ۗاِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ١٣
Fabimā naqḍihim mīṡāqahum la‘annāhum wa ja‘alnā qulūbahum qāsiyah(tan), yuḥarrifūnal-kalima ‘am mawāḍi‘ih(ī), wa nasū ḥaẓẓam mimmā żukkirū bih(ī), wa lā tazālu taṭṭali‘u ‘alā khā'inatim minhum illā qalīlam minhum fa‘fu ‘anhum waṣfaḥ, innallāha yuḥibbul-muḥsinīn(a).
[13] (Tapi) ku sabab maranéhna ngarempak jangjina, mangka Kami ngala’nat maranéhna tur ngajadikeun haténa teuas ngabatu. Maranéhna sok ngarobah dawuhan-dawuhan (Allah) tina tempatna (masing-masing) 268 tur (ngahaja) mopohokeun kana sabagian pépéling nu geus dipépélingkeun ka maranéhna. Hidep (Muhammad) bakal terus-terusan ningal laku hianat maranéhna, kajaba saeutik ti antara maranéhna (nu henteu hianat). Ku sabab kitu, hampura baé jeung antep baé maranéhna ku hidep! Sabenrna Allah téh mikaresep ka jalma-jalma nu migawé kahadéan.
268) Ngarobah ma’na tina lapad jeung tempatna atawa nambah jeung ngurangan.

وَمِنَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّا نَصٰرٰٓى اَخَذْنَا مِيْثَاقَهُمْ فَنَسُوْا حَظًّا مِّمَّا ذُكِّرُوْا بِهٖۖ فَاَغْرَيْنَا بَيْنَهُمُ الْعَدَاوَةَ وَالْبَغْضَاۤءَ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ ۗ وَسَوْفَ يُنَبِّئُهُمُ اللّٰهُ بِمَا كَانُوْا يَصْنَعُوْنَ١٤
Wa minal-lażīna qālū innā naṣārā akhażnā mīṡāqahum fa nasū ḥaẓẓam mimmā żukkirū bih(ī), fa agrainā bainahumul-‘adāwata wal-bagḍā'a ilā yaumil-qiyāmah(ti), wa saufa yunabbi'uhumullāhu bimā kānū yaṣna‘ūn(a).
[14] Ti jalma-jalma anu ngucap, “Sabenerna abdi sadaya téh kaom Nasrani,” Kami geus nyekel perjangjianana. Tuluy maranéhna mopohokeun kana sabagian pépéling nu geus dipépélingkeun ka maranéhna. Ku kituna, Kami nimbulkeun mumusuhan jeung kaceuceub di antara maranéhna nepi ka Poé Kiamat. Jaga Allah bakal ngabéjakeun ka maranéhna naon anu geus dipigawé ku maranéhna.

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ قَدْ جَاۤءَكُمْ رَسُوْلُنَا يُبَيِّنُ لَكُمْ كَثِيْرًا مِّمَّا كُنْتُمْ تُخْفُوْنَ مِنَ الْكِتٰبِ وَيَعْفُوْا عَنْ كَثِيْرٍەۗ قَدْ جَاۤءَكُمْ مِّنَ اللّٰهِ نُوْرٌ وَّكِتٰبٌ مُّبِيْنٌۙ١٥
Yā ahlal-kitābi qad jā'akum rasūlunā yubayyinu lakum kaṡīram mimmā kuntum tukhfūna minal-kitābi wa ya‘fū ‘an kaṡīr(in), qad jā'akum minallāhi nūruw wa kitābum mubīn(un).
[15] Hé Ahli Kitab, tétéla Rasul Kami geus datang ka aranjeun pikeun ngajelaskeun loba perkara ngeunaan (eusi) Kitab Suci anu ku aranjeun geus disumputkeun jeung ngantep (teu disampékeun ka nu lian). Tétéla ogé geus datang ka aranjeun cahaya ti Allah jeung kitab suci 269 nu jelas.
269) Cahaya anu dimaksud di dieu nyaéta Nabi Muhammad Saw., sedengkeun anu dimaksud Kitab Suci di dieu nyaéta Al-Qur’an.

يَّهْدِيْ بِهِ اللّٰهُ مَنِ اتَّبَعَ رِضْوَانَهٗ سُبُلَ السَّلٰمِ وَيُخْرِجُهُمْ مِّنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِ بِاِذْنِهٖ وَيَهْدِيْهِمْ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ١٦
Yahdī bihillāhi manittaba‘a riḍwānahū subulas-salāmi wa yukhrijuhum minaẓ-ẓulumāti ilan-nūri bi'iżnihī wa yahdīhim ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[16] Kalawan éta Kitab (Al-Qur’an), Allah maparin pituduh pikeun jalma anu milu kana rido-Na kana jalan-jalan kasalametan, ngaluarkeun aranjeunna tina mangpirang-pirang (jalan anu) poék mongkléng kana (jalan anu) caang kalayan widi Mantenna, sarta nuduhkeun ka aranjeunna kana jalan anu lempeng.

لَقَدْ كَفَرَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْمَسِيْحُ ابْنُ مَرْيَمَۗ قُلْ فَمَنْ يَّمْلِكُ مِنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا اِنْ اَرَادَ اَنْ يُّهْلِكَ الْمَسِيْحَ ابْنَ مَرْيَمَ وَاُمَّهٗ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا ۗوَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا ۗ يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٧
Laqad kafaral-lażīna qālū innallāha huwal-masīḥubnu maryam(a), qul famay yamliku minallāhi syai'an in arāda ay yuhlikal-masīḥabna maryama wa ummahū wa man fil-arḍi jamī‘ā(n), wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, yakhluqu mā yasyā'(u), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[17] Tétéla geus jadi kapir jalma-jalma anu ngucapkeun kieu, “Sabenerna Allah téh nyaéta Al-Masih putra Maryam.” Pék béjakeun ku hidep (Muhammad), “(Lamun kitu,) saha atuh anu bisa ngahalangan kersana Allah lamun ngersakeun ngabinasakeun Al-Masih putra Maryam, ibuna, jeung sakabéh nu aya di bumi?” Mung kagungan Allah karajaan langit jeung bumi sarta sakabéh nu aya di antarana. Mantenna anu nyiptakeun naon baé anu dikersakeuna-Na. Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَقَالَتِ الْيَهُوْدُ وَالنَّصٰرٰى نَحْنُ اَبْنٰۤؤُا اللّٰهِ وَاَحِبَّاۤؤُهٗ ۗ قُلْ فَلِمَ يُعَذِّبُكُمْ بِذُنُوْبِكُمْ ۗ بَلْ اَنْتُمْ بَشَرٌ مِّمَّنْ خَلَقَۗ يَغْفِرُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا ۖوَاِلَيْهِ الْمَصِيْرُ١٨
Wa qālatil-yahūdu wan-naṣārā naḥnu abnā'ullāhi wa aḥibbā'uh(ū), qul falima yu‘ażżibukum biżunūbikum, bal antum basyarum mimman khalaq(a), yagfiru limay yasyā'u wa yu‘ażżibu may yasyā'(u), wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, wa ilaihil-maṣīr(u).
[18] Urang Yahudi jeung Nasrani geus nyarita kieu, “Kuring saréréa téh putra-putra jeung kakasih-kakasih Allah.” Pok ucapkeun ku hidup (Muhammad), “(Lamun kitu), ku naon atuh Allah bet nyiksa ka aranjeun ku lantaran dosa-dosa aranjeun? Sabalikna, aranjeun mah manusa (biasa) ti antara jalma-jalma nu (geus) diciptakeun ku Allah. Mantenna ngahampura ka saha baé anu dikersakeun jeung nyiksa ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Mung kagungan Allah karajaan langit jeung bumi sarta sakabéh nu aya di antarana, tur mung ka Mantenna wungkul kabéh ogé bakal balik (deui).”

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ قَدْ جَاۤءَكُمْ رَسُوْلُنَا يُبَيِّنُ لَكُمْ عَلٰى فَتْرَةٍ مِّنَ الرُّسُلِ اَنْ تَقُوْلُوْا مَا جَاۤءَنَا مِنْۢ بَشِيْرٍ وَّلَا نَذِيْرٍۗ فَقَدْ جَاۤءَكُمْ بَشِيْرٌ وَّنَذِيْرٌ ۗوَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ࣖ١٩
Yā ahlal-kitābi qad jā'akum rasūlunā yubayyinu lakum ‘alā fatratim minar-rusuli an taqūlū mā jā'anā mim basyīriw wa lā nażīr(in), faqad jā'akum basyīruw wa nażīr(un), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[19] Hé Ahli Kitab, tétéla rasul Kami geus datang ka aranjeun pikeun méré béja (ngeunaan ajaran Kami) sanggeus sawatara waktu kosong ti (ngutus) rasul-rasul, supaya aranjeun henteu nyarita kieu, “Henteu kantos sumping ka abdi sadaya saurang ogé, boh anu nyandak wartos gumbira atanapi anu nyandak wartos pépéling.” Tétéla geus datang ka aranjeun téh éta anu mawa béja gumbira jeung anu mawa pépéling. Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهٖ يٰقَوْمِ اذْكُرُوْا نِعْمَةَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ اِذْ جَعَلَ فِيْكُمْ اَنْۢبِيَاۤءَ وَجَعَلَكُمْ مُّلُوْكًاۙ وَّاٰتٰىكُمْ مَّا لَمْ يُؤْتِ اَحَدًا مِّنَ الْعٰلَمِيْنَ٢٠
Wa iż qāla mūsā liqaumihī yā qaumiżkurū ni‘matallāhi ‘alaikum iż ja‘ala fīkum ambiyā'a wa ja‘alakum mulūkā(n), wa ātākum mā lam yu'ti aḥadam minal-‘ālamīn(a).
[20] (Sing inget) nalika Musa nyanggem ka kaomna, “Hé kaom kuring, sing inget kana ni’mat Allah (nu geus dipaparinkeun) ka aranjeun waktu Mantenna ngangkat para nabi ti antara aranjeun, waktu ngajadikeun aranjeun (dipihormat saperti) para raja, sarta geus maparin ka aranjeun sakabéh anu henteu acan kungsi dipaparinkeun ka saurang ogé ti antara umat séjénna.

يٰقَوْمِ ادْخُلُوا الْاَرْضَ الْمُقَدَّسَةَ الَّتِيْ كَتَبَ اللّٰهُ لَكُمْ وَلَا تَرْتَدُّوْا عَلٰٓى اَدْبَارِكُمْ فَتَنْقَلِبُوْا خٰسِرِيْنَ٢١
Yā qaumidkhulul-arḍal-muqaddasatal-latī kataballāhu lakum wa lā tartaddū ‘alā adbārikum fa tanqalibū khāsirīn(a).
[21] Hé kaom kuring, geura asup ka tanah suci (Baétulmakdis) anu geus ditangtukeun ku Allah pikeun aranjeun, 270 jeung kadé ulah rék malik ka tukang (ku sabab sieun ku musuh), engké aranjeun jadi jalma-jalma anu rugi!”
270) Tanah Paléstina téh dicawiskeun ku Allah pikeun Kaom Yahudi salila maranéhna iman jeung ta’at ka Mantenna.

قَالُوْا يٰمُوْسٰٓى اِنَّ فِيْهَا قَوْمًا جَبَّارِيْنَۖ وَاِنَّا لَنْ نَّدْخُلَهَا حَتّٰى يَخْرُجُوْا مِنْهَاۚ فَاِنْ يَّخْرُجُوْا مِنْهَا فَاِنَّا دٰخِلُوْنَ٢٢
Qālū yā mūsā inna fīhā qauman jabbārīn(a), wa innā lan nadkhulahā ḥattā yakhrujū minhā, fa iy yakhrujū minhā fa innā dākhilūn(a).
[22] Maranéhna ngajawab, “Hé Musa, sabenerna di éta nagri (Baétulmakdis) téh aya jalma-jalma nu kacida kuatna jeung telenges deui. Kuring saréréa bener-bener moal rék asup saacan maranéhna kaluar ti dinya. Lamun maranéhna geus kaluar ti dinya mah, tangtu kuring saréréa rék asup.”

قَالَ رَجُلَانِ مِنَ الَّذِيْنَ يَخَافُوْنَ اَنْعَمَ اللّٰهُ عَلَيْهِمَا ادْخُلُوْا عَلَيْهِمُ الْبَابَۚ فَاِذَا دَخَلْتُمُوْهُ فَاِنَّكُمْ غٰلِبُوْنَ ەۙ وَعَلَى اللّٰهِ فَتَوَكَّلُوْٓا اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٢٣
Qāla rajulāni minal-lażīna yakhāfūna an‘amallāhu ‘alaihimadkhulū ‘alaihimul-bāb(a), fa iżā dakhaltumūhu fa innakum gālibūn(a), wa ‘alallāhi fa tawakkalū in kuntum mu'minīn(a).
[23] Dua lalaki ti antara maranéhna nu takwa tur anu duanana geus dipaparinan ni’mat ku Allah nyarita kieu, “Geura asup kana panto gerbang éta nagri pikeun (merangan) maranéhna (pangeusi Baétulmakdis). Lamun geus asup, pasti aranjeun bakal unggul. Kudu tawakal ka Allah lamun aranjeun enya jalma-jalma mu’min (mah)!”

قَالُوْا يٰمُوْسٰٓى اِنَّا لَنْ نَّدْخُلَهَآ اَبَدًا مَّا دَامُوْا فِيْهَا ۖفَاذْهَبْ اَنْتَ وَرَبُّكَ فَقَاتِلَآ اِنَّا هٰهُنَا قٰعِدُوْنَ٢٤
Qālū yā mūsā innā lan nadkhulahā abadam mā dāmū fīhā, fażhab anta wa rabbuka fa qātilā innā hāhunā qā‘idūn(a).
[24] Pok maranéhna nyarita deui, “Hé Musa, sabenerna kuring saréréa nepi ka iraha ogé moal asup ka jero éta nagri satungtung maranéhna aya kénéh di jerona. Ku sabab kitu, pék baé anjeun geura indit jeung Pangéran anjeun, terus pék baé perangan (maranéhna) ku anjeun duaan. Kuring saréréa mah rék nungguan baé di dieu.”

قَالَ رَبِّ اِنِّيْ لَآ اَمْلِكُ اِلَّا نَفْسِيْ وَاَخِيْ فَافْرُقْ بَيْنَنَا وَبَيْنَ الْقَوْمِ الْفٰسِقِيْنَ٢٥
Qāla rabbi innī lā amliku illā nafsī wa akhī fafruq bainanā wa bainal-qaumil-fāsiqīn(a).
[25] Anjeunna (Musa) nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi teu gaduh kakawasaan saeutik ogé iwal keur diri abdi jeung dulur abdi. Ku jalaran kitu, mugi Gusti misahkeun antawis abdi sareng éta kaom nu pasék.”

قَالَ فَاِنَّهَا مُحَرَّمَةٌ عَلَيْهِمْ اَرْبَعِيْنَ سَنَةً ۚيَتِيْهُوْنَ فِى الْاَرْضِۗ فَلَا تَأْسَ عَلَى الْقَوْمِ الْفٰسِقِيْنَ ࣖ٢٦
Qāla fa innahā muḥarramatun ‘alaihim arba‘īna sanah(tan), yatīhūna fil-arḍ(i), falā ta'sa ‘alal qaumil-fāsiqīn(a).
[26] Mantenna (Allah) ngadawuh, “(Lamun kitu), sabenerna éta (nagri suci) téh dicegah pikeun maranéhna salila opat puluh taun. (Salila éta) maranéhna bakal ngumbara bari bingung di bumi. Ku kituna, hidep (Musa) ulah nepi ka nalangsa ku (sabab mikiran nasib) kaom nu pasék.”

۞ وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَاَ ابْنَيْ اٰدَمَ بِالْحَقِّۘ اِذْ قَرَّبَا قُرْبَانًا فَتُقُبِّلَ مِنْ اَحَدِهِمَا وَلَمْ يُتَقَبَّلْ مِنَ الْاٰخَرِۗ قَالَ لَاَقْتُلَنَّكَ ۗ قَالَ اِنَّمَا يَتَقَبَّلُ اللّٰهُ مِنَ الْمُتَّقِيْنَ٢٧
Watlu ‘alaihim naba'abnai ādama bil-ḥaqqi iż qarrabā qurbānan fa tuqubbila min aḥadihimā wa lam yutaqabbal minal-ākhar(i), qāla la'aqtulannak(a), qāla innamā yataqabbalullāhu minal-muttaqīn(a).
[27] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna ngeunaan (kisah) dua putra Adam kalayan sabenerna. Nalika duanana ngorbankeun (sato) korban, tuluy ditarima ti salah saurangna (Habil) jeung teu ditarima ti salah saurangna deui (Qabil). Manéhna (Qabil) téh nyarita kieu, “Saenyana kuring pasti bakal maéhan manéh!” Manéhna (Habil) ngajawab, “Saleresna Allah mah mung nampi (amal) ti jalma-jalma nu takwa.

لَىِٕنْۢ بَسَطْتَّ اِلَيَّ يَدَكَ لِتَقْتُلَنِيْ مَآ اَنَا۠ بِبَاسِطٍ يَّدِيَ اِلَيْكَ لِاَقْتُلَكَۚ اِنِّيْٓ اَخَافُ اللّٰهَ رَبَّ الْعٰلَمِيْنَ٢٨
La'im basaṭta ilayya yadaka litaqtulanī mā ana bibāsiṭiy yadiya ilaika li'aqtulak(a), innī akhāfullāha rabbal-‘ālamīn(a).
[28] Sabenerna, lamun anjeun (Qabil) ngagerakkeun leungeun pikeun maéhan kuring, kuring mah moal rék ngagerakkeun leungeun pikeun maéhan anjeun. Sabenerna kuring mah sieun ku Allah, Pangéran sakumna alam.

اِنِّيْٓ اُرِيْدُ اَنْ تَبُوْۤاَ بِاِثْمِيْ وَاِثْمِكَ فَتَكُوْنَ مِنْ اَصْحٰبِ النَّارِۚ وَذٰلِكَ جَزٰۤؤُا الظّٰلِمِيْنَۚ٢٩
Innī urīdu an tabū'a bi'iṡmī wa iṡmika fa takūna min aṣḥābin-nār(i), wa żālika jazā'uẓ-ẓālimīn(a).
[29] Sabenerna kuring mah hayang anjeun balik (ka Mantenna) kalayan (mawa) dosa (karena maéhan) kuring jeung dosa anjeun sorangan (saméméhna), nepi ka anjeun jadi pangeusi naraka. Éta téh wawales pikeun jalma-jalma anu dolim.”

فَطَوَّعَتْ لَهٗ نَفْسُهٗ قَتْلَ اَخِيْهِ فَقَتَلَهٗ فَاَصْبَحَ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ٣٠
Fa ṭawwa‘at lahū nafsuhū qatla akhīhi fa qatalahū fa aṣbaḥa minal-khāsirīn(a).
[30] Tuluy, napsu (Qabil) geus ngadorong manéhna pikeun maéhan dulurna. Mangka, manéhna (bener-bener) maéhan dulurna. Ku kituna, manéhna kaasup jalma-jalma anu rugi.

فَبَعَثَ اللّٰهُ غُرَابًا يَّبْحَثُ فِى الْاَرْضِ لِيُرِيَهٗ كَيْفَ يُوَارِيْ سَوْءَةَ اَخِيْهِ ۗ قَالَ يٰوَيْلَتٰٓى اَعَجَزْتُ اَنْ اَكُوْنَ مِثْلَ هٰذَا الْغُرَابِ فَاُوَارِيَ سَوْءَةَ اَخِيْۚ فَاَصْبَحَ مِنَ النّٰدِمِيْنَ ۛ٣١
Fa ba‘aṡallāhu gurābay yabḥaṡu fil-arḍi liyuriyahū kaifa yuwārī sau'ata akhīh(i), qāla yā wailatā a‘ajazta an akūna miṡla hāżal-gurābi fa uwāriya sau'ata akhī, fa aṣbaḥa minan-nādimīn(a).
[31] Lajeng Allah ngutus hiji manuk gagak sina ngaruang taneuh supaya ngébréhkeun (méré conto) ka manéhna (Qabil) kumaha carana nguburkeun layon dulurna. Manéhna (Qabil) téh nyarita kieu, “Duh cilaka kuring, naha atuh teu bisa saperti éta manuk gagak nepi ka kuring bisa nguburkeun layon ieu dulur aing?” Mangka, manéhna kaasup jalma-jalma anu hanjakal.

مِنْ اَجْلِ ذٰلِكَ ۛ كَتَبْنَا عَلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اَنَّهٗ مَنْ قَتَلَ نَفْسًاۢ بِغَيْرِ نَفْسٍ اَوْ فَسَادٍ فِى الْاَرْضِ فَكَاَنَّمَا قَتَلَ النَّاسَ جَمِيْعًاۗ وَمَنْ اَحْيَاهَا فَكَاَنَّمَآ اَحْيَا النَّاسَ جَمِيْعًا ۗوَلَقَدْ جَاۤءَتْهُمْ رُسُلُنَا بِالْبَيِّنٰتِ ثُمَّ اِنَّ كَثِيْرًا مِّنْهُمْ بَعْدَ ذٰلِكَ فِى الْاَرْضِ لَمُسْرِفُوْنَ٣٢
Min ajli żālik(a), katabnā ‘alā banī isrā'īla annahū man qatala nafsam bigairi nafsin au fasādin fil-arḍi fa ka'annamā qatalan-nāsa jamī‘ā(n), wa man aḥyāhā fa ka'annamā aḥyan-nāsa jamī‘ā(n), wa laqad jā'athum rusulunā bil-bayyināt(i), ṡumma inna kaṡīram minhum ba‘da żālika fil-arḍi lamusrifūn(a).
[32] Ku kituna, Kami netepkeun (hiji hukum) pikeun Bani Israél yén sabenerna saha baé anu maéhan hiji jalma, lain ku sabab (éta jalma nu dipaéhan téh) geus maéhan jalma séjénna, 271 atawa (lain ku sabab) manéhna geus nyieun karuksakan di ieu bumi, mangka éta téh lir ibarat geus maéhan manusa sakabéhna. 272 Sabalikna, saha baé anu miara hirupna hiji jalma, mangka éta téh lir ibarat geus miara hirup manusa sakabéhna. Tétéla Rasul Kami geus datang ka maranéhna kalayan (mawa) katerangan-katerangan anu jelas. Tuluy sabenerna loba ti antara maranéhna sanggeus éta ngaliwatan wates di ieu bumi.
271) Nyaéta maéhan batur lain ku sabab perang (qitāl) atawa lain ku sabab qisos. 272) Ieu hukum lain ngan saukur pikeun Bani Israél, tapi ogé pikeun sakabéh manusa. Allah nganggap yén maéhan hiji jalma téh sarua jeung maéhan sakabéh manusa, kitu ogé sabalikna.

اِنَّمَا جَزٰۤؤُا الَّذِيْنَ يُحَارِبُوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَيَسْعَوْنَ فِى الْاَرْضِ فَسَادًا اَنْ يُّقَتَّلُوْٓا اَوْ يُصَلَّبُوْٓا اَوْ تُقَطَّعَ اَيْدِيْهِمْ وَاَرْجُلُهُمْ مِّنْ خِلَافٍ اَوْ يُنْفَوْا مِنَ الْاَرْضِۗ ذٰلِكَ لَهُمْ خِزْيٌ فِى الدُّنْيَا وَلَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ عَذَابٌ عَظِيْمٌ٣٣
Innamā jazā'ul-lażīna yuḥāribūnallāha wa rasūlahū wa yas‘auna fil-arḍi fasādan ay yuqattalū au yuṣallabū au tuqaṭṭa‘a aidīhim wa arjuluhum min khilāfin au yunfau minal-arḍ(i), żālika lahum khizyun fid-dun-yā wa lahum fil-ākhirati ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[33] Walesan pikeun jalma-jalma anu merangan ka Allah jeung Rasul-Na sarta nyieun karuksakan di bumi mah taya lian kudu dipaéhan, atawa disalib, atawa diteukteuk leungeunna jeung sukuna kalawan silang, 273 atawa diusir ti padumukanana. Éta téh mangrupa hiji kahinaan pikeun maranéhna di dunya, jeung di ahératna maranéhna bakal meunang siksaan nu kacida beuratna.
273) Neukteuk leungeun anu katuhu jeung suku anu kénca. Lamun ngalakukeun kajahatan sakali deui, mangka anu diteukteukna téh leungeun anu kénca jeung suku anu katuhu.

اِلَّا الَّذِيْنَ تَابُوْا مِنْ قَبْلِ اَنْ تَقْدِرُوْا عَلَيْهِمْۚ فَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٣٤
Illal-lażīna tābū min qabli an taqdirū ‘alaihim, fa‘lamū annallāha gafūrur raḥīm(un).
[34] Kajaba jalma-jalma anu tobat saméméh aranjeun bisa néwak maranéhna. Mangka, kanyahokeun ku aranjeun yén saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَابْتَغُوْٓا اِلَيْهِ الْوَسِيْلَةَ وَجَاهِدُوْا فِيْ سَبِيْلِهٖ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ٣٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha wabtagū ilaihil-wasīlata wa jāhidū fī sabīlihī la‘allakum tufliḥūn(a).
[35] Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah, pék téangan wasilah (jalan pikeun ngadeukeutkeun) ka Mantenna, jeung kudu jihad (bajuang) dina jalan Mantenna supaya aranjeun untung.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْ اَنَّ لَهُمْ مَّا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا وَّمِثْلَهٗ مَعَهٗ لِيَفْتَدُوْا بِهٖ مِنْ عَذَابِ يَوْمِ الْقِيٰمَةِ مَا تُقُبِّلَ مِنْهُمْ ۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٣٦
Innal-lażīna kafarū lau anna lahum mā fil-arḍi jamī‘aw wa miṡlahū ma‘ahū liyaftadū bihī min ‘ażābi yaumil-qiyāmati mā tuqubbila minhum, wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[36] Sabenerna jalma-jalma kapir, lamun maranéhna mibanda sakabéh anu aya di ieu bumi tuluy ditambah deui salobana éta (ogé), pikeun nebus dirina tina siksaan dina Poé Kiamat, tangtu éta sakabéh (tebusan) ti maranéhna moal bakal ditarima. Maranéhna (tetep bakal) meunang siksaan nu kacida nyerina.

يُرِيْدُوْنَ اَنْ يَّخْرُجُوْا مِنَ النَّارِ وَمَا هُمْ بِخٰرِجِيْنَ مِنْهَا ۖوَلَهُمْ عَذَابٌ مُّقِيْمٌ٣٧
Yurīdūna ay yakhrujū minan-nāri wa mā hum bikhārijīna minhā, wa lahum ‘ażābun muqīm(un).
[37] Maranéhna miharep (pisan) kaluar ti naraka, tapi moal bisa kaluar ti dinya. Pikeun maranéhna siksaan nu langgeng.

وَالسَّارِقُ وَالسَّارِقَةُ فَاقْطَعُوْٓا اَيْدِيَهُمَا جَزَاۤءًۢ بِمَا كَسَبَا نَكَالًا مِّنَ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٣٨
Was-sāriqu was-sāriqatu faqṭa‘ū aidiyahumā jazā'am bimā kasabā nakālam minallāh(i), wallāhu ‘azīzun ḥakīm(un).
[38] Jalma anu maling, boh lalaki boh awéwé, prak baé teukteuk kadua leungeunna minangka wawales kana sakabéh anu geus diupayakeun ku maranéhna sarta minangka siksa ti Allah. Allah mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

فَمَنْ تَابَ مِنْۢ بَعْدِ ظُلْمِهٖ وَاَصْلَحَ فَاِنَّ اللّٰهَ يَتُوْبُ عَلَيْهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٣٩
Faman tāba mim ba‘di ẓulmihī wa aṣlaḥa fa innallāha yatūbu ‘alaih(i), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[39] Mangka, saha baé jalma anu tobat sanggeus migawé kadoliman tur anu ngoméan dirina, sabenerna Allah bakal nampi kana tobatna. Saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

اَلَمْ تَعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَغْفِرُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٤٠
Alam ta‘lam annallāha lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), yu‘ażżibu may yasyā'u wa yagfiru limay yasyā'(u), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[40] Naha anjeun henteu nyaho yén sabenerna mung kagungan Allah karajaan langit jeung bumi? Mantenna nyiksa ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna jeung ngahampura ka saha baé ogé nu dikersakeun ku Mantenna. Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

۞ يٰٓاَيُّهَا الرَّسُوْلُ لَا يَحْزُنْكَ الَّذِيْنَ يُسَارِعُوْنَ فِى الْكُفْرِ مِنَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِاَفْوَاهِهِمْ وَلَمْ تُؤْمِنْ قُلُوْبُهُمْ ۛ وَمِنَ الَّذِيْنَ هَادُوْا ۛ سَمّٰعُوْنَ لِلْكَذِبِ سَمّٰعُوْنَ لِقَوْمٍ اٰخَرِيْنَۙ لَمْ يَأْتُوْكَ ۗ يُحَرِّفُوْنَ الْكَلِمَ مِنْۢ بَعْدِ مَوَاضِعِهٖۚ يَقُوْلُوْنَ اِنْ اُوْتِيْتُمْ هٰذَا فَخُذُوْهُ وَاِنْ لَّمْ تُؤْتَوْهُ فَاحْذَرُوْا ۗوَمَنْ يُّرِدِ اللّٰهُ فِتْنَتَهٗ فَلَنْ تَمْلِكَ لَهٗ مِنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا ۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ لَمْ يُرِدِ اللّٰهُ اَنْ يُّطَهِّرَ قُلُوْبَهُمْ ۗ لَهُمْ فِى الدُّنْيَا خِزْيٌ ۖوَّلَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ عَذَابٌ عَظِيْمٌ٤١
Yā ayyuhar-rasūlu lā yaḥzunkal-lażīna yusāri‘ūna fil-kufri minal-lażīna qālū āmannā bi'afwāhihim wa lam tu'min qulūbuhum - wa minal-lażīna hādū - sammā‘ūna lil-każibi sammā‘ūna liqaumin ākharīna lam ya'tūk(a), yuḥarrifūnal-kalima mim ba‘di mawāḍi‘ih(ī), yaqūlūna in ūtītum hāżā fa khuż­hu wa illam tu'tauhu faḥżarū, wa may yuridillāhu fitnatahū falan tamlika lahū minallāhi syai'ā(n), ulā'ikal-lażīna lam yuridillāhu ay yuṭahhira qulūbahum, lahum fid-dun-yā khizyuw wa lahum fil-ākhirati ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[41] Hé Rasul (Muhammad), poma ulah nepi ka nalangsa ku jalma anu paheula-heula dina kakapiran, nyaéta jalma-jalma (munapék) anu geus ngomong kieu ku sungut-sungutna, “Kuring saréréa mah enggeus iman,” padahal haténa mah henteu iman. (Ulah nepi ka nalangsa ogé) ku sabagian ti jalma-jalma Yahudi anu kacida resepna ngadéngékeun (béja-béja) bohong 274 sarta resep ngadéngékeun (omongan-omongan) batur anu can kungsi nepi ka hidep. 275 Maranéhna ngarobah dawuhan-dawuhan (Allah) sanggeus aya dina tempat-tempatna anu sabenerna. Maranéhna nyarita kieu (ka kaomna), “Lamun aranjeun dibéré ieu (dawuhan anu geus dirobah téa), tarima baé, tapi lamun dibéré anu séjén, aranjeun kudu ati-ati (dina narimana)!” Saha baé nu dikersakeun ku Allah sasar (ku sabab teu nurut kana tuntunan Mantenna tur leuwih milih kasasaran), mangka hidep moal pisan bisa nulungan manéhna tina (siksa) Allah. Maranéhna téh jalma-jalma anu henteu dikersakeun ku Allah dibersihan haténa. Di dunya maranéhna meunang kahinaan, sedengkeun di ahératna bakal meuna(...)
274) Sawaréh kaom Yahudi resep pisan ngadéngékeun kabohongan ti para panditana, atawa resep pisan ngadéngékeun ucapan-ucapan Nabi Saw. tapi tuluy ditepikeun deui ka kaom Yahudi séjénna atawa ka para panditana kalayan ditambahan ku bohong (ditambahan atawa dikurangan) pikeun ngaheureuykeun Nabi Muhammad jeung umat Islam. 275) Maranéhna resep pisan ngadéngékeun omongan-omongan bohong ti para pamingpinna anu can kungsi datang atawa papanggih jeung Nabi Muhammad Saw. ku sabab ceuceub pisan ka anjeunna. Sawaréhna ti kalangan kaom Yahudi ogé resep ngadéngékeun ucapan-ucapan ti Nabi Muhammad Saw. tapi pikeun disebarkeun deui ka kaom Yahudi lianna ku jalan henteu jujur (bohong).

سَمّٰعُوْنَ لِلْكَذِبِ اَكّٰلُوْنَ لِلسُّحْتِۗ فَاِنْ جَاۤءُوْكَ فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ اَوْ اَعْرِضْ عَنْهُمْ ۚوَاِنْ تُعْرِضْ عَنْهُمْ فَلَنْ يَّضُرُّوْكَ شَيْـًٔا ۗ وَاِنْ حَكَمْتَ فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ بِالْقِسْطِۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِيْنَ٤٢
Sammā‘ūna lil-każibi akkālūna lis-suḥt(i), fa in jā'ūka faḥkum bainahum au a‘riḍ ‘anhum, wa in tu‘riḍ ‘anhum falay yaḍurrūka syai'ā(n), wa in ḥakamta faḥkum bainahum bil-qisṭ(i), innallāha yuḥibbul-muqsiṭīn(a).
[42] (Kaom Yahudi téh nyaéta) jalma-jalma anu resep ngadéngékeun kabohongan tur loba ngadahar anu haram. 276 Mangka, lamun maranéhna datang ka hidep (Muhammad pikeun ménta putusan), pék baé putuskeun (perkara) di antara maranéhna, atawa geura nyingkah ti maranéhna. Lamun hidep nyingkahan maranéhna, maranéhna moal pisan bisa méré bahaya ka hidep saeutik ogé. Tapi lamun hidep netepkeun hiji putusan (perkara) maranéhna, pék putuskeun kalayan adil. Sabenerna Allah mikaresep ka jalma-jalma anu migawé adil.
276) Sarupaning kadaharan anu diharamkeun atawa meunang ku jalan haram (maling, suap, jeung réa-réa deui).

وَكَيْفَ يُحَكِّمُوْنَكَ وَعِنْدَهُمُ التَّوْرٰىةُ فِيْهَا حُكْمُ اللّٰهِ ثُمَّ يَتَوَلَّوْنَ مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ ۗوَمَآ اُولٰۤىِٕكَ بِالْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ٤٣
Wa kaifa yuḥakkimūnaka wa ‘indahumut-taurātu fīhā ḥukmullāhi ṡumma yatawallauna mim ba‘di żālik(a), wa mā ulā'ika bil-mu'minīn(a).
[43] Rék kumaha maranéhna bakal ngajadikeun hidep hakim pikeun maranéhna, padahal maranéhna ngabogaan Torét anu di jerona téh aya hukum Allah, tuluy maranéhna ngabalieur sanggeus (dibéré hukum ku hidep)? Sabenerna maranéhna mah jalma-jalma mu’min.

اِنَّآ اَنْزَلْنَا التَّوْرٰىةَ فِيْهَا هُدًى وَّنُوْرٌۚ يَحْكُمُ بِهَا النَّبِيُّوْنَ الَّذِيْنَ اَسْلَمُوْا لِلَّذِيْنَ هَادُوْا وَالرَّبّٰنِيُّوْنَ وَالْاَحْبَارُ بِمَا اسْتُحْفِظُوْا مِنْ كِتٰبِ اللّٰهِ وَكَانُوْا عَلَيْهِ شُهَدَاۤءَۚ فَلَا تَخْشَوُا النَّاسَ وَاخْشَوْنِ وَلَا تَشْتَرُوْا بِاٰيٰتِيْ ثَمَنًا قَلِيْلًا ۗوَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْكٰفِرُوْنَ٤٤
Innā anzalnat-taurāta fīhā hudaw wa nūr(un), yaḥkumu bihan-nabiyyūnal-lażīna aslamū lil-lażīna hādū war-rabbāniyyūna wal-aḥbāru bimastuḥfiẓū min kitābillāhi wa kānū ‘alaihi syuhadā'(a), falā takhsyawun-nāsa wakhsyauni wa lā tasytarū bi'āyātī ṡamanan qalīlā(n), wa mal lam yaḥkum bimā anzalallāhu fa ulā'ika humul-kāfirūn(a).
[44] Sabenerna Kami geus nurunkeun Torét anu di jerona téh aya pituduh jeung cahaya. Ku jalan ieu kitab, para nabi (Bani Israél) nu sumerah diri (ka Allah) mutuskeun (perkara) pikeun kaom Yahudi, kitu deui para ahli élmu jeung panditana (kaom Yahudi), sabab maranéhna geus diparéntahkeun pikeun ngajaga kitab-kitab Allah jeung jadi saksi pikeun Mantenna. Ku kituna, aranjeun ulah rék sieun ku manusa, tapi sieun mah kudu ku Kaula. Kadé aranjeun ulah rék nukeurkeun ayat-ayat Kami ku pangaji anu leutik. Saha baé anu ngahukuman (perkara) lain ku hukum anu geus diturunkeun ku Allah, maranéhna téh kasup jalma-jalma kapir.

وَكَتَبْنَا عَلَيْهِمْ فِيْهَآ اَنَّ النَّفْسَ بِالنَّفْسِ وَالْعَيْنَ بِالْعَيْنِ وَالْاَنْفَ بِالْاَنْفِ وَالْاُذُنَ بِالْاُذُنِ وَالسِّنَّ بِالسِّنِّۙ وَالْجُرُوْحَ قِصَاصٌۗ فَمَنْ تَصَدَّقَ بِهٖ فَهُوَ كَفَّارَةٌ لَّهٗ ۗوَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٤٥
Wa katabnā ‘alaihim fīhā annan-nafsa bin-nafsi wal-‘aina bil-‘aini wal-anfa bil-anfi wal-użuna bil-użuni was-sinna bis-sinni wal-jurūḥa qiṣāṣ(un), faman taṣaddaqa bihī fa huwa kaffāratul lah(ū), wa mal lam yaḥkum bimā anzalallāhu fa ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[45] Kami geus netepkeun pikeun maranéhna (Bani Israél) dina Torét, yén nyawa (kudu diwales) ku nyawa deui, mata (diwales) ku mata deui, irung (diwales) ku irung deui, ceuli (diwales) ku ceuli deui, huntu (diwales) ku huntu deui, jeung tatu ogé aya qisos (wawales nu saimbang). Saha baé anu ngaleupaskeun (nungtut hak) qisosna, mangka éta téh (jadi) panebus dosa-dosana. Saha baé anu henteu ngahukuman (perkara) ku hukum anu geus diturunkeun ku Allah, maranéhna téh kaasup jalma-jalma anu dolim.

وَقَفَّيْنَا عَلٰٓى اٰثَارِهِمْ بِعِيْسَى ابْنِ مَرْيَمَ مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ مِنَ التَّوْرٰىةِ ۖوَاٰتَيْنٰهُ الْاِنْجِيْلَ فِيْهِ هُدًى وَّنُوْرٌۙ وَّمُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ مِنَ التَّوْرٰىةِ وَهُدًى وَّمَوْعِظَةً لِّلْمُتَّقِيْنَۗ٤٦
Wa qaffainā ‘alā āṡārihim bi‘īsabni maryama muṣaddiqal limā baina yadaihi minat-taurāh(ti), wa ātaināhul-injīla fīhi hudaw wa nūr(un), wa muṣaddiqal limā baina yadaihi minat-taurāti wa hudaw wa mau‘iẓatal lil-muttaqīn(a).
[46] Kami geus nuluykeun tapak lacak aranjeunna (para nabi Bani Israél) ku (ngutus) Isa putra Maryam anu ngaenyakeun kana kitab saméméhna, nyaéta kitab Torét. Kami ogé geus nurunkeun Injil pikeun anjeunna anu di jerona aya pituduh jeung cahaya, sarta (ieu Injil) ngaenyakeun kana kitab anu saméméhna (Torét), tur jadi pituduh jeung atikan pikeun jalma-jalma anu takwa.

وَلْيَحْكُمْ اَهْلُ الْاِنْجِيْلِ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فِيْهِۗ وَمَنْ لَّمْ يَحْكُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ٤٧
Walyaḥkum ahlul-injīli bimā anzalallāhu fīh(i), wa mal lam yaḥkum bimā anzalallāhu fa ulā'ika humul-fasiqūn(a).
[47] Sakuduna para panganut Injil mutuskeun (perkara) nurutkeun kana (pituduh) anu geus diturunkeun ku Allah dina éta Kitab. 277 Saha baé anu teu ngahukuman (perkara) ku hukum anu geus diturunkeun ku Allah, maranéhna téh (kaasup) jalma-jalma anu pasék. 278
277) Para panganut Injil (nyaéta Nasrani) diwajibkeun pikeun mutuskeun perkara ku hukum anu luyu jeung pituduh anu geus diturunkeun ku Allah dina Injil nepi ka wanci diturunkeunana Al-Qur’an. 278) Jalma anu henteu mutuskeun perkara nurutkeun kana hukum Allah téh aya tilu golongan: a) Ku sabab ceuceub jeung ingkar kana hukum Allah. Jalma anu kieu kaasup kana golongan kapir (surat al-Mā’idah/5:44); b) Ku sabab nurutkeun kana hawa napsuna bari ngarugikeun batur. Jalma anu kieu kaasup kana golongan dolim (surat al-Mā’idah/5:4; jeung c) ku sabab pasik sakumaha dijelaskeun dina surat al-Mā’idah/5:47.

وَاَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ مِنَ الْكِتٰبِ وَمُهَيْمِنًا عَلَيْهِ فَاحْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَهُمْ عَمَّا جَاۤءَكَ مِنَ الْحَقِّۗ لِكُلٍّ جَعَلْنَا مِنْكُمْ شِرْعَةً وَّمِنْهَاجًا ۗوَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَجَعَلَكُمْ اُمَّةً وَّاحِدَةً وَّلٰكِنْ لِّيَبْلُوَكُمْ فِيْ مَآ اٰتٰىكُمْ فَاسْتَبِقُوا الْخَيْرٰتِۗ اِلَى اللّٰهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيْعًا فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ فِيْهِ تَخْتَلِفُوْنَۙ٤٨
Wa anzalnā ilaikal-kitāba bil-ḥaqqi muṣaddiqal limā baina yadaihi minal-kitābi wa muhaiminan ‘alaihi faḥkum bainahum bimā anzalallāhu wa lā tattabi‘ ahwā'ahum ‘ammā jā'aka minal-ḥaqq(i), likullin ja‘alnā minkum syir‘ataw wa minhājā(n), wa lau syā'allāhu laja‘alakum ummataw wāḥidataw wa lākil liyabluwakum fī mā ātākum fastabiqul-khairāt(i), ilallāhi marji‘ukum jamī‘an fa yunabbi'ukum bimā kuntum fīhi takhtalifūn(a).
[48] Kami geus nurunkeun kitab (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) kalayan ḥaq (bener tur mawa bebeneran), anu ngaenyakeun kana kitab-kitab saméméhna (Torét jeung Injil) tur jadi timbangan (kana benerna eusi) éta (dua) kitab. Ku kituna, hidep kudu mutuskeun kana perkara maranéhna nurutkeun (pituduh) anu geus diturunkeun ku Allah, sarta kadé hidep ulah rék nurut kana kahayang maranéhna tur ninggalkeun bebeneran nu geus datang ka hidep. Pikeun saban-saban (umat) ti antara aranjeun, 279 Kami geus méré aturan jeung jalan anu jelas. Lamun baé Allah ngersakeun, tangtu aranjeun dijadikeun (ku Mantenna) jadi hiji umat (wungkul). Tapi Mantenna seja nguji ka aranjeun ku (pirang-pirang) kurnia anu geus dipasihkeun ku Mantenna ka aranjeun. Ku kituna, aranjeun kudu paheula-heula kana migawé kahadéan. Mung ka Allah wungkul arajeun bakal balik (deui), tuluy dijelaskeun ku Mantenna ka aranjeun naon baé anu baheula kungsi jadi pasalia paham.
279) Umat Nabi Muhammad Saw. jeung umat-umat saméméhna.

وَاَنِ احْكُمْ بَيْنَهُمْ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَهُمْ وَاحْذَرْهُمْ اَنْ يَّفْتِنُوْكَ عَنْۢ بَعْضِ مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ اِلَيْكَۗ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاعْلَمْ اَنَّمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ اَنْ يُّصِيْبَهُمْ بِبَعْضِ ذُنُوْبِهِمْ ۗوَاِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ النَّاسِ لَفٰسِقُوْنَ٤٩
Wa aniḥkum bainahum bimā anzalallāhu wa lā tattabi‘ ahwā'ahum waḥżarūhum ay yaftinūka ‘am ba‘ḍi mā anzalallāhu ilaik(a), fa in tawallau fa‘lam annamā yurīdullāhu ay yuṣībahum biba‘ḍi żunūbihim, wa inna kaṡīram minan-nāsi lafāsiqūn(a).
[49] Sakuduna hidep mutuskeun (perkara) di antara maranéhna nurutkeun pituduh anu geus diturunkeun ku Allah, sarta kadé hidep ulah rék nurutkeun kana hawa napsu maranéhna. Hidep kudu ati-ati ka maranéhna, supaya maranéhna teu ngabélokkeun ka hidep tina sabagian (pituduh) nu geus diturunkeun ku Allah ka hidep. Lamun seug maranéhna ngabalieur (tina hukum anu geus diturunkeun ku Allah), kanyahokeun ku hidep yén sabenerna Allah bakal ngersakeun pikeun nibankeun musibah ka maranéhna lantaran dosa-dosana. Sabenerna lolobana manusa mah jalma-jalma pasék.

اَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُوْنَۗ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ حُكْمًا لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ ࣖ٥٠
Afaḥukmul-jāhiliyyati yabgūn(a), wa man aḥsanu minallāhi ḥukmal liqaumiy yūqinūn(a).
[50] Naha hukum jahiliah anu dipikahayang ku maranéhna téh? Pikeun kaom anu yakin (kana agamana), saha nu leuwih hadé tibatan Allah dina netepkeun hukum?

۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوا الْيَهُوْدَ وَالنَّصٰرٰٓى اَوْلِيَاۤءَ ۘ بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۗ وَمَنْ يَّتَوَلَّهُمْ مِّنْكُمْ فَاِنَّهٗ مِنْهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ٥١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżul-yahūda wan-naṣārā auliyā'(a), ba‘ḍuhum auliyā'u ba‘ḍ(in), wa may yatawallahum minkum fa innahū minhum, innallāha lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[51] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah ngajadikeun jalma-jalma Yahudi jeung Nasrani jadi waly (sobat dalit jeung anu nulungan). Sabagian maranéhna téh jadi waly pikeun sabagiana deui. Saha baé ti antara aranjeun anu ngajadikeun maranéhna (jadi) waly, sabenerna éta jalma téh geus kaasup kana golongan maranéhna. Saleresna Allah moal masihan pituduh ka jalma-jalma dolim.

فَتَرَى الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ يُّسَارِعُوْنَ فِيْهِمْ يَقُوْلُوْنَ نَخْشٰٓى اَنْ تُصِيْبَنَا دَاۤىِٕرَةٌ ۗفَعَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّأْتِيَ بِالْفَتْحِ اَوْ اَمْرٍ مِّنْ عِنْدِهٖ فَيُصْبِحُوْا عَلٰى مَآ اَسَرُّوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ نٰدِمِيْنَۗ٥٢
Fa taral-lażīna fī qulūbihim maraḍuy yusāri‘ūna fīhim yaqūlūna nakhsyā an tuṣībanā dā'irah(tun), fa ‘asallāhu ay ya'tiya bil-fatḥi au amrim min ‘indihī fa yuṣbiḥū ‘alā mā asarrū fī anfusihim nādimīn(a).
[52] Mangka, hidep bakal ningali jalma-jalma anu dina haténa aya panyakit gagancangan ngadeuheus ka maranéhna (kaom Yahudi jeung Nasrani), bari maranéhna téh nyarita kieu, “Kuring saréréa sieun katibanan musibah.” Mugi-mugi baé Allah nyumpingkeun kaunggulan atawa hiji kaputusan ti mungguhing Mantenna, nepi ka maranéhna kaduhung kana sakur anu geus dirasiahkeun dina haté-haténa.

وَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَهٰٓؤُلَاۤءِ الَّذِيْنَ اَقْسَمُوْا بِاللّٰهِ جَهْدَ اَيْمَانِهِمْۙ اِنَّهُمْ لَمَعَكُمْۗ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْ فَاَصْبَحُوْا خٰسِرِيْنَ٥٣
Wa yaqūlul-lażīna āmanū ahā'ulā'il-lażīna aqsamū billāhi jahda aimānihim, innahum lama‘akum, ḥabiṭat a‘māluhum fa aṣbaḥū khāsirīn(a).
[53] Jalma-jalma anu iman bakal nyarita kieu, “Naha ieu jalma-jalmana anu kungsi susumpahan kalayan (nyebat jenengan) Allah kalayan daria, yén maranéhna bener-bener babarengan jeung aranjeun?” Atuh mubah amal-amal maranéhna téh. Ku kituna, maranéhna téh jadi jalma-jalma anu rugi.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَنْ يَّرْتَدَّ مِنْكُمْ عَنْ دِيْنِهٖ فَسَوْفَ يَأْتِى اللّٰهُ بِقَوْمٍ يُّحِبُّهُمْ وَيُحِبُّوْنَهٗٓ ۙاَذِلَّةٍ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ اَعِزَّةٍ عَلَى الْكٰفِرِيْنَۖ يُجَاهِدُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَلَا يَخَافُوْنَ لَوْمَةَ لَاۤىِٕمٍ ۗذٰلِكَ فَضْلُ اللّٰهِ يُؤْتِيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ٥٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū may yartadda minkum ‘an dīnihī fa saufa ya'tillāhu biqaumiy yuḥibbuhum wa yuḥibbūnah(ū), ażillatin ‘alal-mu'minīna a‘izzatin ‘alal-kāfirīn(a), yujāhidūna fī sabīlillāhi wa lā yakhāfūna laumata lā'im(in), żālika faḍlullāhi yu'tīhi may yasyā'(u), wallāhu wāsi‘un ‘alīm(un).
[54] Hé jalma-jalma anu iman, saha baé ti antara aranjeun anu murtad (kaluar) tina agamana, mangka jaga Allah bakal ngadatangkeun hiji kaom, anu Mantenna mikacinta ka éta kaom, tur aranjeunna ogé mikacinta ka Mantenna. Sikepna soméah ka kaom mu’minin, tapi tegas ka jalma-jalma kapir. Aranjeunna jihad dina jalan Allah sarta henteu sieun ku hinaan (ti jalma) anu ngahina. Éta téh kurnia Allah anu dipasihkeun ku Mantenna ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah mah Mahajembar (tur) Mahauninga.

اِنَّمَا وَلِيُّكُمُ اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوا الَّذِيْنَ يُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَهُمْ رٰكِعُوْنَ٥٥
Innamā waliyyukumullāhu wa rasūluhū wal-lażīna āmanul-lażīna yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa yu'tūnaz-zakāta wa hum rāki‘ūn(a).
[55] Sabenerna anu nulungan aranjeun (kaom mu’min) téh ngan saukur Allah, Rasul-Na, jeung jalma-jalma mu’min, (nyaéta jalma-jalma) anu ngadegkeun salat jeung ngaluarkeun jakat bari aranjeunna ruku (tunduk ka Allah).

وَمَنْ يَّتَوَلَّ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا فَاِنَّ حِزْبَ اللّٰهِ هُمُ الْغٰلِبُوْنَ ࣖ٥٦
Wa may yatawallallāha wa rasūlahū wal-lażīna āmanū fa inna ḥizballāhi humul-gālibūn(a).
[56] Saha baé jalma anu ngajadikeun Allah jeung Rasul-Na sarta jalma-jalma anu iman jadi wali (anu nulungan), mangka sabenerna golongan (agama) Allah wungkul nu bakal unggul mah.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوا الَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا دِيْنَكُمْ هُزُوًا وَّلَعِبًا مِّنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِكُمْ وَالْكُفَّارَ اَوْلِيَاۤءَۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٥٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżul-lażīnattakhażū dīnakum huzuwaw wa la‘ibam minal-lażīna ūtul-kitāba min qablikum wal-kuffāra auliyā'(a), wattaqullāha in kuntum mu'minīn(a).
[57] Hé jalma-jalma anu iman, omat aranjeun ulah rék ngajadikeun waly (sobat dalit tur anu nulungan) ti (golongan) jalma-jalma anu ngajadikeun agama aranjeun minangka bahan hinaan jeung guyonan, (nyaéta) ti antara jalma-jalma nu geus dibéré kitab saméméh aranjeun jeung ti (golongan) jalma-jalma kapir. Aranjeun kudu takwa ka Allah lamun enya mah aranjeun jalma-jalma mu’min.

وَاِذَا نَادَيْتُمْ اِلَى الصَّلٰوةِ اتَّخَذُوْهَا هُزُوًا وَّلَعِبًا ۗذٰلِكَ بِاَ نَّهُمْ قَوْمٌ لَّا يَعْقِلُوْنَ٥٨
Wa iżā nādaitum ilaṣ-ṣalātittakhażūhā huzuwaw wa la‘ibā(n), żālika bi'annahum qaumul lā ya‘qilūn(a).
[58] Lamun aranjeun ngagero (maranéhna) pikeun (ngadegkeun) salat, maranéhna mah sok ngajadikeun (éta panggero) pikeun bahan hinaan jeung guyonan. Éta téh sabenerna mah ku lantaran maranéhna (kaasup) jalma-jalma anu embung mikir.

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ هَلْ تَنْقِمُوْنَ مِنَّآ اِلَّآ اَنْ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْنَا وَمَآ اُنْزِلَ مِنْ قَبْلُۙ وَاَنَّ اَكْثَرَكُمْ فٰسِقُوْنَ٥٩
Qul yā ahlal-kitābi hal tanqimūna minnā illā an āmannā billāhi wa mā unzila ilainā wa mā unzila min qabl(u), wa anna akṡarakum fāsiqūn(a).
[59] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hé Ahli Kitab, naha aranjeun nganggap kuring saréréa téh salah ngan ku lantaran kuring saréréa iman ka Allah, (iman) kana kitab nu geus diturunkeun ka kuring saréréa, jeung iman kana kitab-kitab nu geus diturunkeun saméméhna? Sabenerna lolobana ti antara aranjeun mah kaasup jalma-jalma pasék.”

قُلْ هَلْ اُنَبِّئُكُمْ بِشَرٍّ مِّنْ ذٰلِكَ مَثُوْبَةً عِنْدَ اللّٰهِ ۗمَنْ لَّعَنَهُ اللّٰهُ وَغَضِبَ عَلَيْهِ وَجَعَلَ مِنْهُمُ الْقِرَدَةَ وَالْخَنَازِيْرَ وَعَبَدَ الطَّاغُوْتَۗ اُولٰۤىِٕكَ شَرٌّ مَّكَانًا وَّاَضَلُّ عَنْ سَوَاۤءِ السَّبِيْلِ٦٠
Qul hal unabbi'ukum bisyarrim min żālika maṡūbatan ‘indallāh(i), mal la‘anahullāhu wa gaḍiba ‘alaihi wa ja‘ala minhumul-qiradata wal-khanāzīra wa ‘abadaṭ-ṭāgūt(a), ulā'ika syarrum makānaw wa aḍallu ‘an sawā'is-sabīl(i).
[60] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha kuring kudu ngabéjakeun ka aranjeun ngeunaan jalma anu leuwih goréng wawalesna (tibatan jalma pasék) mungguhing Allah? Nyaéta jalma nu dila’nat jeung dibenduan ku Allah (anu) ti antara maranéhna dijadikeun monyét tur bagong, 280 jeung jalma anu nyembah ka Ṭagūt. Maranéhna téh leuwih goréng kalungguhanana jeung leuwih sasar tina jalan nu lempeng.
280) Urang-urang Yahudi anu ngarempak kasucian jeung kaagungan poé Sabat (tingal deui surat al-Baqarah/2:65).

وَاِذَا جَاۤءُوْكُمْ قَالُوْٓا اٰمَنَّا وَقَدْ دَّخَلُوْا بِالْكُفْرِ وَهُمْ قَدْ خَرَجُوْا بِهٖ ۗوَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا كَانُوْا يَكْتُمُوْنَ٦١
Wa iżā jā'ūkum qālū āmannā wa qad dakhalū bil-kufri wa hum qad kharajū bih(ī), wallāhu a‘lamu bimā kānū yaktumūn(a).
[61] Lamun maranéhna (kaom Yahudi atawa kaom munapék) datang ka aranjeun, maranéhna téh ngomong kieu, “Kuring saréréa geus iman,” padahal sabenerna maranéhna datang (ka aranjeun) téh bari dibarengan ku kakapiran. Kitu deui waktu maranéhna balik. Apan Allah mah langkung uninga kana sakabéh perkara nu disumputkeun ku maranéhna.

وَتَرٰى كَثِيْرًا مِّنْهُمْ يُسَارِعُوْنَ فِى الْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِ وَاَكْلِهِمُ السُّحْتَۗ لَبِئْسَ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٦٢
Wa tarā kaṡīram minhum yusāri‘ūna fil-iṡmi wal-‘udwāni wa aklihimus-suḥt(a), labi'sa mā kānū ya‘malūn(a).
[62] Hidep (Muhammad) bakal ningali lolobana ti maranéhna paboro-boro dina (migawé) dosa, mumusuhan, jeung ngadahar (barang) anu haram. Bener-bener kacida goréngna sakur anu dipilampah ku maranéhna téh.

لَوْلَا يَنْهٰىهُمُ الرَّبّٰنِيُّوْنَ وَالْاَحْبَارُ عَنْ قَوْلِهِمُ الْاِثْمَ وَاَكْلِهِمُ السُّحْتَۗ لَبِئْسَ مَا كَانُوْا يَصْنَعُوْنَ٦٣
Lau lā yanhāhumur-rabbāniyyūna wal-aḥbāru ‘an qaulihimul-iṡma wa aklihimus-suḥt(a), labi'sa mā kānū yaṣna‘ūn(a).
[63] Ku naon atuh Rabbāniyyūn (para pandita Nasrani) jeung al-Aḥbār (para pandita Yahudi) henteu nyegah maranéhna tina ucapan-ucapan bohong jeung tina ngadahar barang haram? Sabenerna kacida goréngna sakur anu geus dilakukeun ku maranéhna téh.

وَقَالَتِ الْيَهُوْدُ يَدُ اللّٰهِ مَغْلُوْلَةٌ ۗغُلَّتْ اَيْدِيْهِمْ وَلُعِنُوْا بِمَا قَالُوْا ۘ بَلْ يَدٰهُ مَبْسُوْطَتٰنِۙ يُنْفِقُ كَيْفَ يَشَاۤءُۗ وَلَيَزِيْدَنَّ كَثِيْرًا مِّنْهُمْ مَّآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ طُغْيَانًا وَّكُفْرًاۗ وَاَلْقَيْنَا بَيْنَهُمُ الْعَدَاوَةَ وَالْبَغْضَاۤءَ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِۗ كُلَّمَآ اَوْقَدُوْا نَارًا لِّلْحَرْبِ اَطْفَاَهَا اللّٰهُ ۙوَيَسْعَوْنَ فِى الْاَرْضِ فَسَادًاۗ وَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ الْمُفْسِدِيْنَ٦٤
Wa qālatil-yahūdu yadullāhi maglūlah(tun), gullat aidīhim wa lu‘inū bimā qālū, bal yadāhu mabsūṭatān(i), yunfiqu kaifa yasyā'(u), wa layazīdanna kaṡīram minhum mā unzila ilaika mir rabbika ṭugyānaw wa kufrā(n), wa alqainā bainahumul-‘adāwata wal-bagḍā'a ilā yaumil-qiyāmah(ti), kullamā auqadū nāral lil-ḥarbi aṭfa'ahallāh(u), wa yas‘auna fil-arḍi fasādā(n), wallāhu lā yuḥibbul-mufsidīn(a).
[64] Urang Yahudi geus nyarita kieu, “Leungeun Allah mah diborogod (korét),” padahal mah leungeun maranéhna nu diborogod mah, jeung maranéhna anu geus dila’nat (mah) disababkeun ku sagala nu geus diucapkeun ku maranéhna téa. (Lain kitu,) tapi dua panangan Allah mah mébér. 281 Mantenna masihan rejeki sakumaha anu dikersakeun ku Mantenna baé. (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ka hidep (Muhammad) ti Pangéran hidep téh tangtu bakal nambahan kadorakaan jeung kakapiran pikeun lolobana ti maranéhna. Kami geus nibankeun mumusuhan sarta kaceuceub di antara maranéhna nepi ka Poé Kiamat. Saban maranéhna ngahurungkeun seuneu peperangan, Allah anu mareumanana. Maranéhna ngupayakeun (nimbulkeun) karuksakan di ieu bumi. Allah mah henteu misuka ka jalma-jalma nu nyieun karuksakan.
281) “Panangan Allah” di dieu henteu sarua jeung leungeunna manusa (mahluk).

وَلَوْ اَنَّ اَهْلَ الْكِتٰبِ اٰمَنُوْا وَاتَّقَوْا لَكَفَّرْنَا عَنْهُمْ سَيِّاٰتِهِمْ وَلَاَدْخَلْنٰهُمْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِ٦٥
Wa lau anna ahlal-kitābi āmanū wattaqau lakaffarnā ‘anhum sayyi'ātihim wa la'adkhalnāhum jannātin-na‘īm(i).
[65] Lamun seug Ahli Kitab téh iman tur takwa mah, pasti Kami bakal ngalebur kana kasalahan-kasalahanana, jeung maranéhna pasti (bakal) diasupkeun ku Kami ka sawarga-sawarga Na’im (anu pinuh ku kani’matan).

وَلَوْ اَنَّهُمْ اَقَامُوا التَّوْرٰىةَ وَالْاِنْجِيْلَ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْهِمْ مِّنْ رَّبِّهِمْ لَاَكَلُوْا مِنْ فَوْقِهِمْ وَمِنْ تَحْتِ اَرْجُلِهِمْۗ مِنْهُمْ اُمَّةٌ مُّقْتَصِدَةٌ ۗ وَكَثِيْرٌ مِّنْهُمْ سَاۤءَ مَا يَعْمَلُوْنَ ࣖ٦٦
Wa lau annahum aqāmut-taurāta wal-injīla wa mā unzila ilaihim mir rabbihim la'akalū min fauqihim wa min taḥti arjulihim, minhum ummatum muqtaṣidah(tun), wa kaṡīrum minhum sā'a mā ya‘malūn(a).
[66] Lamun seug maranéhna (Ahli Kitab) bener-bener ngadegkeun (ajaran) Torét jeung Injil sarta naon anu geus diturunkeun ka maranéhna ti Pangéranana, pasti maranéhna téh bakal meunang kadaharan (rejeki anu datang) ti luhureunana jeung ti handapeun suku-sukuna. 282 Ti antara maranéhna téh aya ogé sagolongan anu jujur jeung ta’at. (Tapi) lolobana mah kacida goréngna naon anu geus dipilampah ku maranéhna.
282) Allah bakal masihan welas-asih-Na ti luhur langit mangrupi hujan, nu muwuhkeun tutuwuhan anu buah-buahna kacida lobana.

۞ يٰٓاَيُّهَا الرَّسُوْلُ بَلِّغْ مَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ ۗوَاِنْ لَّمْ تَفْعَلْ فَمَا بَلَّغْتَ رِسٰلَتَهٗ ۗوَاللّٰهُ يَعْصِمُكَ مِنَ النَّاسِۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْكٰفِرِيْنَ٦٧
Yā ayyuhar-rasūlu ballig mā unzila ilaika mir rabbik(a), wa illam taf‘al famā ballagta risālatah(ū), wallāhu ya‘ṣimuka minan-nās(i), innallāha lā yahdil-qaumal-kāfirīn(a).
[67] Hé Rasul (Muhammad), pék tepikeun naon baé nu geus diturunkeun ka hidep ti Pangéran hidep. Lamun henteu dilaksanakeun, hidep téh kaasup (jalma anu) henteu nepikeun amanat (ti) Mantenna. Allah bakal ngaraksa ka hidep tina (gangguan) manusa. 283 Sabenerna Allah moal méré pituduh pikeun jalma-jalma kapir.
283) Moal aya saurang ogé anu tiasa nelasan kangjeng Nabi Muhammad Saw.

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لَسْتُمْ عَلٰى شَيْءٍ حَتّٰى تُقِيْمُوا التَّوْرٰىةَ وَالْاِنْجِيْلَ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكُمْ مِّنْ رَّبِّكُمْ ۗوَلَيَزِيْدَنَّ كَثِيْرًا مِّنْهُمْ مَّآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ طُغْيَانًا وَّكُفْرًاۚ فَلَا تَأْسَ عَلَى الْقَوْمِ الْكٰفِرِيْنَ٦٨
Qul yā ahlal-kitābi lastum ‘alā syai'in ḥattā tuqīmut-taurāta wal-injīla wa mā unzila ilaikum mir rabbikum, wa layazīdanna kaṡīram minhum mā unzila ilaika mir rabbika ṭugyānaw wa kufrā(n), falā ta'sa ‘alal-qaumil-kāfirīn(a).
[68] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hé, Ahli Kitab, aranjeun moal dianggap nyekel agama saeutik ogé nepi ka aranjeun (bener-bener) ngajalankeun (eusi) Torét jeung Injil sarta naon nu geus dilungsurkeun ka aranjeun ti Pangéran aranjeun!” Naon nu geus diturunkeun ti Pangéran hidep ka hidep téh, tangtu bakal ngajadikeun kalolobaan ti antara maranéhna tambah-tambah dorakana jeung kakapiranana. Mangka, poma hidep ulah putus harepan ku jalma-jalma kapir.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَالَّذِيْنَ هَادُوْا وَالصَّابِـُٔوْنَ وَالنَّصٰرٰى مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَعَمِلَ صَالِحًا فَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٦٩
Innal-lażīna āmanū wal-lażīna hādū waṣ-ṣābi'ūna wan-naṣārā man āmana billāhi wal-yaumil-ākhiri wa ‘amila ṣāliḥan falā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[69] Sabenerna jalma-jalma nu iman (ka Muhammad), jalma-jalma Yahudi (anu ngaku iman ka Musa), Sabi’in, 284 jeung jalma-jalma Nasrani, saha baé anu iman (ti antara maranéhna) ka Allah jeung kana Poé Ahir, sarta (maranéhna) migawé kahadéan, tangtu moal aya karémpan pikeun maranéhna, jeung maranéhna moal bakal nalangsa.
284) Sabi`in téh umat saméméh umat Nabi Muhammad Saw. anu nyahoeun ayana Pangéran Anu Mahatunggal, sarta percaya kana pangaruh béntang-béntang.

لَقَدْ اَخَذْنَا مِيْثَاقَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ وَاَرْسَلْنَآ اِلَيْهِمْ رُسُلًا ۗ كُلَّمَا جَاۤءَهُمْ رَسُوْلٌۢ بِمَا لَا تَهْوٰٓى اَنْفُسُهُمْۙ فَرِيْقًا كَذَّبُوْا وَفَرِيْقًا يَّقْتُلُوْنَ٧٠
Laqad akhażnā mīṡāqa banī isrā'īla wa arsalnā ilaihim rusulā(n), kullamā jā'ahum rasūlum bimā lā tahwā anfusuhum, farīqan każżabū wa farīqay yaqtulūn(a).
[70] Kami tétéla geus maheutkeun perjangjian jeung kaom Bani Israél 285 jeung geus ngutus ka maranéhna para rasul. (Tapi,) saban datang ka maranéhna saurang rasul kalayan mawa anu henteu dipikaresep jeung dipikahayang ku maranéhna, (mangka) sabagian (ti éta rasul) dibohongkeun jeung sawaréhna deui mah ditelasan ku maranéhna.
285) Perjangjian dimaksud nyaéta maranéhna bakal iman ka Allah jeung rasul-rasul-Na

وَحَسِبُوْٓا اَلَّا تَكُوْنَ فِتْنَةٌ فَعَمُوْا وَصَمُّوْا ثُمَّ تَابَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ ثُمَّ عَمُوْا وَصَمُّوْا كَثِيْرٌ مِّنْهُمْۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌۢ بِمَا يَعْمَلُوْنَ٧١
Wa ḥasibū allā takūna fitnatun fa ‘amū wa ṣammū ṡumma tāballāhu ‘alaihim ṡumma ‘amū wa ṣammū kaṡīrum minhum, wallāhu baṣīrum bimā ya‘malūn(a).
[71] Maranéhna nyangka moal katibanan musibah naon ogé. Ku sabab kitu, maranéhna jadi lolong (teu bisa ningali kana tanda-tanda kaagungan Allah) jeung torék (teu bisa ngadéngé kana pituduh Allah), tuluy (maranéhna sadar jeung tobat, mangka) Allah nampi kana tobatna. Tuluy loba ti antara maranéhna lolong jeung torék (deui). Allah mah Maha Ningali kana naon nu geus dipilampah ku maranéhna.

لَقَدْ كَفَرَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْمَسِيْحُ ابْنُ مَرْيَمَ ۗوَقَالَ الْمَسِيْحُ يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اعْبُدُوا اللّٰهَ رَبِّيْ وَرَبَّكُمْ ۗاِنَّهٗ مَنْ يُّشْرِكْ بِاللّٰهِ فَقَدْ حَرَّمَ اللّٰهُ عَلَيْهِ الْجَنَّةَ وَمَأْوٰىهُ النَّارُ ۗوَمَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ اَنْصَارٍ٧٢
Laqad kafaral-lażīna qālū innallāha huwal-masīḥubnu maryam(a), wa qālal-masīḥu yā banī isrā'īla‘budullāha rabbī wa rabbakum, innahū may yusyrik billāhi faqad ḥarramallāhu ‘alaihil-jannata wa ma'wāhun nār(u), wa mā liẓ-ẓālimīna min anṣār(in).
[72] Sabenerna geus jadi kapir jalma-jalma nu ngucapkeun kieu, “Sabenerna Allah téh nyaéta Al-Masih putra Maryam.” Padahal Al-Masih nyalira parantos nyarios kieu, “Hé Bani Israél, pék sembah Allah, Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun!” Sabenerna saha baé anu nyarékatkeun Allah, mangka Allah geus ngaharamkeun sawarga pikeun manéhna, sarta tempat pikeun manéhna mah di naraka. Moal aya pikeun jalma-jalma anu dolim (saurang ogé) nu bisa nulungan.

لَقَدْ كَفَرَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ ثَالِثُ ثَلٰثَةٍ ۘ وَمَا مِنْ اِلٰهٍ اِلَّآ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ ۗوَاِنْ لَّمْ يَنْتَهُوْا عَمَّا يَقُوْلُوْنَ لَيَمَسَّنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٧٣
Laqad kafaral-lażīna qālū innallāha ṡāliṡu ṡalāsah(tin), wa mā min ilāhin illā ilāhuw wāḥid(un), wa illam yantahū ‘ammā yaqūlūna layamassannal-lażīna kafarū minhum ‘ażābun alīm(un).
[73] Sabenerna geus jadi kapir ogé jalma-jalma anu ngucapkeun kieu, “Allah téh salah sahiji ti anu tilu,” padahal henteu aya Pangéran (anu patut disembah) sajabi ti Allah Nu Mahatunggal. Lamun maranéhna henteu eureun tina éta ucapan, tangtu jalma-jalma kapir ti antara maranéhna bakal ditibanan siksaan nu kacida peurihna.

اَفَلَا يَتُوْبُوْنَ اِلَى اللّٰهِ وَيَسْتَغْفِرُوْنَهٗۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٧٤
Afalā yatūbūna ilallāhi wa yastagfirūnah(ū), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[74] Naha maranéhna henteu tobat ka Allah jeung henteu ménta pangampura ka Mantenna? Apan Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

مَا الْمَسِيْحُ ابْنُ مَرْيَمَ اِلَّا رَسُوْلٌۚ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهِ الرُّسُلُۗ وَاُمُّهٗ صِدِّيْقَةٌ ۗ كَانَا يَأْكُلَانِ الطَّعَامَ ۗ اُنْظُرْ كَيْفَ نُبَيِّنُ لَهُمُ الْاٰيٰتِ ثُمَّ انْظُرْ اَنّٰى يُؤْفَكُوْنَ٧٥
Mal-masīḥubnu maryama illā rasūl(un), qad khalat min qablihir rusul(u), wa ummuhū ṣiddīqah(tun), kānā ya'kulāniṭ-ṭa‘ām(a), unẓur kaifa nubayyinu lahumul-āyāti ṡummanẓur annā yu'fakūn(a).
[75] Al-Masih putra Maryam téh mung saukur rasul. Saméméh anjeunna ogé geus diutus pirang-pirang rasul. Ibuna ogé hiji jalmi nu nyepeng pageuh kana bebeneran. Duanana biasa sok tuang (sakumaha jalma umumna). 286 Pék tingali ku hidep (Muhammad) kumaha (carana) Kami ngajelaskeun ayat-ayat (tanda kakawasaan Kami) ka maranéhna (Ahli Kitab). Tuluy pék titénan ogé kumaha (carana) maranéhna dibéngbatkeun (nepi ka teu bisa ningali kana éta ayat).
286) Nabi Isa a.s. sareng ibuna (Maryam) téh jalmi biasa anu meryogikeun naon anu diperlukeun ku jalma dina umumna, saperti tuangeun, eueuteun, jeung sajabana.

قُلْ اَتَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَمْلِكُ لَكُمْ ضَرًّا وَّلَا نَفْعًا ۗوَاللّٰهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٧٦
Qul ata‘budūna min dūnillāhi mā lā yamliku lakum ḍarraw wa lā naf‘ā(n), wallāhu huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[76] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun bet nyembah sesembahan salian ti Allah, (sesembahan) anu teu mampu ngadatangkeun musibah ka aranjeun jeung ogé teu bisa ngadatangkeun mangpa'at ka aranjeun?” Allah mah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لَا تَغْلُوْا فِيْ دِيْنِكُمْ غَيْرَ الْحَقِّ وَلَا تَتَّبِعُوْٓا اَهْوَاۤءَ قَوْمٍ قَدْ ضَلُّوْا مِنْ قَبْلُ وَاَضَلُّوْا كَثِيْرًا وَّضَلُّوْا عَنْ سَوَاۤءِ السَّبِيْلِ ࣖ٧٧
Qul yā ahlal-kitābi lā taglū fī dīnikum gairal-ḥaqqi wa lā tattabi‘ū ahwā'a qaumin qad ḍallū min qablu wa aḍallū kaṡīraw wa ḍallū ‘an sawā'is-sabīl(i).
[77] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hé Ahli Kitab, kadé ulah rék kaleuleuwihi dina (ngajalankeun) agama aranjeun ku cara anu teu bener. Kadé ogé ulah rék nurutkeun kana hawa napsu jalma-jalma anu geus sasar ti baheula kénéh, geus nyasarkeun kalolobaan (manusa), jeung maranéhna sorangan geus kasasar tina jalan anu lempeng.”

لُعِنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْۢ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ عَلٰى لِسَانِ دَاوٗدَ وَعِيْسَى ابْنِ مَرْيَمَ ۗذٰلِكَ بِمَا عَصَوْا وَّكَانُوْا يَعْتَدُوْنَ٧٨
Lu‘inal-lażīna kafarū mim banī isrā'īla ‘alā lisāni dāwūda wa ‘īsabni maryam(a), żālika bimā ‘aṣaw wa kānū ya‘tadūn(a).
[78] Jalma-jalma kapir ti kaom Bani Israél geus dila’nat ngaliwatan lisan Dawud jeung Isa putra Maryam. Éta téh (tumiba) lantaran maranéhna geus doraka jeung ngaliwatan wates.

كَانُوْا لَا يَتَنَاهَوْنَ عَنْ مُّنْكَرٍ فَعَلُوْهُۗ لَبِئْسَ مَا كَانُوْا يَفْعَلُوْنَ٧٩
Kānū lā yatanāhauna ‘am munkarin fa‘alūh(u), labi'sa mā kānū yaf‘alūn(a).
[79] Maranéhna tara silih cegah tina pagawéan mungkar nu dilakukeun ku maranéhna (sorangan). Saenyana kacida goréngna sakur nu geus dipigawé ku maranéhna téh.

تَرٰى كَثِيْرًا مِّنْهُمْ يَتَوَلَّوْنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا ۗ لَبِئْسَ مَا قَدَّمَتْ لَهُمْ اَنْفُسُهُمْ اَنْ سَخِطَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ وَفِى الْعَذَابِ هُمْ خٰلِدُوْنَ٨٠
Tarā kaṡīram minhum yatawallaunal-lażīna kafarū, labi'sa mā qaddamat lahum anfusuhum an sakhiṭallāhu ‘alaihim wa fil ‘ażābi hum khālidūn(a).
[80] Hidep (Muhammad) bakal ningali loba ti antara maranéhna (Ahli Kitab) ngajadikeun jalma-jalma kapir salaku waly (sobat dalit jeung anu nulungan). Tétéla kacida pisan goréngna naon nu geus diupayakeun ku maranéhna pikeun dirina sorangan téh, nyaéta bebendon ti Allah jeung langgeng dina siksa.

وَلَوْ كَانُوْا يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالنَّبِيِّ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْهِ مَا اتَّخَذُوْهُمْ اَوْلِيَاۤءَ وَلٰكِنَّ كَثِيْرًا مِّنْهُمْ فٰسِقُوْنَ٨١
Wa lau kānū yu'minūna billāhi wan-nabiyyi wa mā unzila ilaihi mattakhażūhum auliyā'a wa lākinna kaṡīram minhum fāsiqūn(a).
[81] Lamun seug maranéhna iman ka Allah jeung ka Nabi (Muhammad), sarta kana (hal) anu geus diturunkeun ka anjeunna, tangtu maranéhna moal ngajadikeun jalma-jalma kapir jadi waly (sobat dalit jeung anu nulungan). Tapi loba ti antara maranéhna téh (kaasup) jalma-jalma pasék.

۞ لَتَجِدَنَّ اَشَدَّ النَّاسِ عَدَاوَةً لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوا الْيَهُوْدَ وَالَّذِيْنَ اَشْرَكُوْاۚ وَلَتَجِدَنَّ اَقْرَبَهُمْ مَّوَدَّةً لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوا الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّا نَصٰرٰىۗ ذٰلِكَ بِاَنَّ مِنْهُمْ قِسِّيْسِيْنَ وَرُهْبَانًا وَّاَنَّهُمْ لَا يَسْتَكْبِرُوْنَ ۔٨٢
Latajidanna asyaddan-nāsi ‘adāwatal lil-lażīna āmanul-yahūda wal-lażīna asyrakū, wa latajidanna aqrabahum mawaddatal lil-lażīna āmanul-lażīna qālū innā naṣārā, żālika bi'anna minhum qissīsīna wa ruhbānaw wa annahum lā yastakbirūn(a).
[82] Sabenerna hidep (Muhammad) bakal manggihan manusa anu pangkuat-kuatna ngamusuhan ka jalma nu iman, nyaéta jalma-jalma (ti golongan) Yahudi jeung jalma-jalma (ti golongan) musrikin. Hidep ogé bakal manggihan manusa anu pangdeukeut-deukeutna sosobatan ka jalma-jalma anu iman, nyaéta jalma-jalma anu ngucapkeun kieu, “Sabenerna kuring saréréa mah urang Nasrani.” Ieu téh lantaran ti antara maranéhna aya para pandita jeung para rahib (anu takwa) tur maranéhna teu nyombongkeun dirina sorangan.

وَاِذَا سَمِعُوْا مَآ اُنْزِلَ اِلَى الرَّسُوْلِ تَرٰٓى اَعْيُنَهُمْ تَفِيْضُ مِنَ الدَّمْعِ مِمَّا عَرَفُوْا مِنَ الْحَقِّۚ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَآ اٰمَنَّا فَاكْتُبْنَا مَعَ الشّٰهِدِيْنَ٨٣
Wa iżā sami‘ū mā unzila ilar-rasūli tarā a‘yunahum tafīḍu minad-dam‘i mimmā ‘arafū minal-ḥaqq(i), yaqūlūna rabbanā āmannā faktubnā ma‘asy-syāhidīn(a).
[83] Lamun maranéhna (para pandita jeung para rahib Nasrani téa) ngadéngé kana (Al-Qur’an) nu diturunkeun ka Rasul (Muhammad), hidep (bakal) ningali (yén) panonna téh nyurucudkeun cimata disababkeun ku bebeneran nu geus dipikanyaho ku maranéhna (tina kitab-kitab maranéhna sorangan). Maranéhna ngucap kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, abdi sadaya parantos iman. Ku kituna, sumangga catetkeun abdi sadaya sasarengan jalmi-jalmi anu jadi saksi (pikeun benerna Al-Qur’an jeung karasulan Muhammad).”

وَمَا لَنَا لَا نُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَمَا جَاۤءَنَا مِنَ الْحَقِّۙ وَنَطْمَعُ اَنْ يُّدْخِلَنَا رَبُّنَا مَعَ الْقَوْمِ الصّٰلِحِيْنَ٨٤
Wa mā lanā lā nu'minu billāhi wa mā jā'anā minal-ḥaqq(i), wa naṭma‘u ay yudkhilanā rabbunā ma‘al-qaumiṣ-ṣāliḥīn(a).
[84] Ku naon abdi sadaya henteu bakal iman ka Allah sarta kana bebeneran anu tos nepi ka abdi sadaya? Apan abdi sadaya téh teu kinten miharep supados Gusti ngalebetkeun abdi sadaya sasarengan jalmi-jalmi anu soléh.”

فَاَثَابَهُمُ اللّٰهُ بِمَا قَالُوْا جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ وَذٰلِكَ جَزَاۤءُ الْمُحْسِنِيْنَ٨٥
Fa aṡābahumullāhu bimā qālū jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, wa żālika jazā'ul-muḥsinīn(a).
[85] Mangka, Allah masihkeun ganjaran ka aranjeunna ku sabab éta ucapanana, (nyaéta) sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari aranjeunna téh langgeng di dinya. Éta téh wawales (pikeun) jalma-jalma nu milampah kahadéan.

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَحِيْمِ ࣖ٨٦
Wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā ulā'ika aṣḥābul-jaḥīm(i).
[86] Jalma-jalma anu kupur jeung ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami mah nya maranéhna téh pangeusi (naraka) Jahim.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تُحَرِّمُوْا طَيِّبٰتِ مَآ اَحَلَّ اللّٰهُ لَكُمْ وَلَا تَعْتَدُوْا ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْمُعْتَدِيْنَ٨٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tuḥarrimū ṭayyibāti mā aḥallallāhu lakum wa lā ta‘tadū, innallāha lā yuḥibbul-mu‘tadīn(a).
[87] Hé jalma-jalma anu iman, kadé ulah rék ngaharamkeun naon baé anu hadé nu geus dihalalkeun ku Allah pikeun aranjeun, jeung kadé (deui) ulah rék ngaliwatan wates. Sabenerna Allah téh henteu mikacinta ka jalma-jalma anu ngaliwatan wates.

وَكُلُوْا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ حَلٰلًا طَيِّبًا ۖوَّاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْٓ اَنْتُمْ بِهٖ مُؤْمِنُوْنَ٨٨
Wa kulū mimmā razaqakumullāhu ḥalālan ṭayyibā(n), wattaqullāhal-lażī antum bihī mu'minūn(a).
[88] Pék dalahar tina naon baé anu geus dipaparinkeun ka aranjeun minangka rejeki anu halal tur hadé, jeung kudu takwa ka Allah anu mung ka Mantenna aranjeun iman!

لَا يُؤَاخِذُكُمُ اللّٰهُ بِاللَّغْوِ فِيْٓ اَيْمَانِكُمْ وَلٰكِنْ يُّؤَاخِذُكُمْ بِمَا عَقَّدْتُّمُ الْاَيْمَانَۚ فَكَفَّارَتُهٗٓ اِطْعَامُ عَشَرَةِ مَسٰكِيْنَ مِنْ اَوْسَطِ مَا تُطْعِمُوْنَ اَهْلِيْكُمْ اَوْ كِسْوَتُهُمْ اَوْ تَحْرِيْرُ رَقَبَةٍ ۗفَمَنْ لَّمْ يَجِدْ فَصِيَامُ ثَلٰثَةِ اَيَّامٍ ۗذٰلِكَ كَفَّارَةُ اَيْمَانِكُمْ اِذَا حَلَفْتُمْ ۗوَاحْفَظُوْٓا اَيْمَانَكُمْ ۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمْ اٰيٰتِهٖ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٨٩
Lā yu'ākhiżukumullāhu bil-lagwi fī aimānikum wa lākiy yu'ākhiżukum bimā ‘aqqattumul-aimān(a), fa kaffāratuhū iṭ‘āmu ‘asyarati masākīna min ausaṭi mā tuṭ‘imūna ahlīkum au kiswatuhum au taḥrīru raqabah(tin), famal lam yajid fa ṣiyāmu ṡalāṡati ayyām(in), żālika kaffāratu aimānikum iżā ḥalaftum, waḥfaẓū aimānakum, każālika yubayyinullāhu lakum āyātihī la‘allakum tasykurūn(a).
[89] Allah moal rék ngahukum aranjeun ku lantaran sumpah-sumpah nu henteu dihaja (pikeun sumpahna), tapi bakal ngahukum ku sabab sumpah-sumpah anu ku aranjeun dihaja (diucapkeun), mangka kaparatna (dengda tina ngarempak sumpah) téh nyaéta méré kadaharan ka sapuluh urangeun jalma miskin, (ku) kadaharan (anu biasa) dibikeun ka kulawarga aranjeun, atawa méré pakéan (ka maranéhna), atawa ngamerdékakeun saurang abid. Saha baé anu henteu sanggup migawéna, mangka (kaparatna) pék puasa tilu poé. Èta téh kaparat (dengdaan) sumpah-sumpah aranjeun lamun (ngarempak) sumpah. (Ku kituna,) pék geura jaga sumpah aranjeun! Tah kitu Allah nerangkeun hukum-hukum-Na ka aranjeun supaya sukuran (ka Mantenna).

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْخَمْرُ وَالْمَيْسِرُ وَالْاَنْصَابُ وَالْاَزْلَامُ رِجْسٌ مِّنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِ فَاجْتَنِبُوْهُ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ٩٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū innamal-khamru wal-maisiru wal-anṣābu wal-azlāmu rijsum min ‘amalisy-syaiṭāni fajtanibūhu la‘allakum tufliḥūn(a).
[90] Hé jalma-jalma anu iman, sabenerna arak (inuman anu ngamabokkeun), ngadu (judi), (méré sasajén) pikeun berhala, jeung ngundi nasib ku panah téh pagawéan kotor jeung kaasup kana pagawéan sétan. Ku kituna, pék jauhan (éta pagawéan) sangkan aranjeun untung.

اِنَّمَا يُرِيْدُ الشَّيْطٰنُ اَنْ يُّوْقِعَ بَيْنَكُمُ الْعَدَاوَةَ وَالْبَغْضَاۤءَ فِى الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِ وَيَصُدَّكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللّٰهِ وَعَنِ الصَّلٰوةِ فَهَلْ اَنْتُمْ مُّنْتَهُوْنَ٩١
Innamā yurīdusy-syaiṭānu ay yūqi‘a bainakumul-‘adāwata wal-bagḍā'a fil-khamri wal-maisiri wa yaṣuddakum ‘an żikrillāhi wa ‘aniṣ-ṣalāti fahal antum muntahūn(a).
[91] Ku alatan éta arak jeung ngadu, sétan téh taya lian ngan miharep pikeun nimbulkeun mumusuhan jeung kaceuceub di antara aranjeun, jeung pikeun ngahalang-halang aranjeun tina inget ka Allah jeung tina ngadegkeun salat. Ku kituna, naha aranjeun moal rék eureun?

وَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَ وَاحْذَرُوْا ۚفَاِنْ تَوَلَّيْتُمْ فَاعْلَمُوْٓا اَنَّمَا عَلٰى رَسُوْلِنَا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ٩٢
Wa aṭī‘ullāha wa aṭī‘ur-rasūla waḥżarū, fa in tawallaitum fa‘lamū annamā ‘alā rasūlinal-balāgul-mubīn(u).
[92] Kudu ta’at ka Allah jeung kudu ta’at (ogé) ka Rasul, sarta kudu ati-ati! Lamun seug aranjeun ngabalieur (tina éta paréntah), sing nyaho baé yén kawajiban Rasul Kami mah ngan saukur nepikeun (ajaran Allah) kalawan jelas.

لَيْسَ عَلَى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ جُنَاحٌ فِيْمَا طَعِمُوْٓا اِذَا مَا اتَّقَوْا وَّاٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ ثُمَّ اتَّقَوْا وَّاٰمَنُوْا ثُمَّ اتَّقَوْا وَّاَحْسَنُوْا ۗوَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ ࣖ٩٣
Laisa ‘alal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti ṡummattaqau wa āmanū ṡummattaqau wa aḥsanū, wallāhu yuḥibbul-muḥsinīn(a).
[93] Henteu matak jadi dosa pikeun jalma-jalma nu iman sarta migawé kahadéan ngeunaan naon anu geus didahar ku aranjeunna (baheula saméméh turunna aturan anu ngaharamkeun), asal (ayeuna) aranjeun takwa jeung iman sarta milampah kahadéan, terus (tetep dina) takwa jeung iman, tuluy (terus tetep) takwa jeung nyieun kahadéan. Allah téh mikaresep ka jalma-jalma nu migawé kahadéan.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَيَبْلُوَنَّكُمُ اللّٰهُ بِشَيْءٍ مِّنَ الصَّيْدِ تَنَالُهٗٓ اَيْدِيْكُمْ وَرِمَاحُكُمْ لِيَعْلَمَ اللّٰهُ مَنْ يَّخَافُهٗ بِالْغَيْبِۚ فَمَنِ اعْتَدٰى بَعْدَ ذٰلِكَ فَلَهٗ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٩٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū layabluwannakumullāhu bisyai'im minaṣ-ṣaidi tanāluhū aidīkum wa rimāḥukum liya‘lamallāhu may yakhāfuhū bil-gaib(i), fa mani‘tadā ba‘da żālika fa lahū ‘ażābun alīm(un).
[94] Hé jalma-jalma anu iman, Allah sabenerna bakal nguji aranjeun (ku sabagian) sato boroan anu (gampang) ku aranjeun ditéwakna, boh maké leungeun boh maké tumbak, supaya Allah nganyahokeun saha jalma nu sieun ka Mantenna, sanajan manéhna teu bisa ningali (ka Mantenna). Ku kituna, saha baé anu ngaliwatan wates sanggeusna éta, mangka pikeun manéhna siksaan nu kacida peurihna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَقْتُلُوا الصَّيْدَ وَاَنْتُمْ حُرُمٌ ۗوَمَنْ قَتَلَهٗ مِنْكُمْ مُّتَعَمِّدًا فَجَزَۤاءٌ مِّثْلُ مَا قَتَلَ مِنَ النَّعَمِ يَحْكُمُ بِهٖ ذَوَا عَدْلٍ مِّنْكُمْ هَدْيًاۢ بٰلِغَ الْكَعْبَةِ اَوْ كَفَّارَةٌ طَعَامُ مَسٰكِيْنَ اَوْ عَدْلُ ذٰلِكَ صِيَامًا لِّيَذُوْقَ وَبَالَ اَمْرِهٖ ۗعَفَا اللّٰهُ عَمَّا سَلَفَ ۗوَمَنْ عَادَ فَيَنْتَقِمُ اللّٰهُ مِنْهُ ۗوَاللّٰهُ عَزِيْزٌ ذُو انْتِقَامٍ٩٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā taqtuluṣ-ṣaida wa antum ḥurum(un), wa man qatalahū minkum muta‘ammidan fa jazā'um miṡlu mā qatala minan-na‘ami yaḥkumu bihī żawā ‘adlim minkum hadyam bāligal-ka‘bati au kaffāratun ṭa‘āmu masākīna au ‘adlu żālika ṣiyāmal liyażūqa wabāla amrih(ī), ‘afallāhu ‘ammā salaf(a), wa man ‘āda fa yantaqimullāhu minh(u), wallāhu ‘azīzun żuntiqām(in).
[95] Hé jalma-jalma nu iman, kadé ulah rék maéhan sato boroan 287 waktu aranjeun keur (ngalaksanakeun) ihram (haji atawa umroh). Saha baé ti antara aranjeun anu maéhan (éta sato) kalayan dihaja, mangka dengdana téh nyaéta (kudu ngagantian) maké sato ingon-ingon anu sabanding jeung (sato boroan) nu dipaéhan téa, nurutkeun putusan dua lalaki nu adil ti antara aranjeun minangka hady (sato korban) nu dibawa ka Ka’bah, 288 atawa (mayar) kiparat, nyaéta méré kadaharan ka jalma-jalma miskin, 289 atawa (ku) puasa nu (waktuna) sabanding jeung kadaharan anu dikaluarkeun (pikeun jalma miskin téa), 290 sangkan manéhna ngarasakeun wawales tina kagoréngan lampahna. Allah ngahampura kana sakabéh nu geus kaliwat. 291 Tapi saha baé nu migawé deui, tangtu Allah bakal nyiksa ka manéhna. Allah mah Mahagagah (tur) Maha Ngamilikan (kakawasaan) pikeun ngawales.
287) Sato boroan, boh anu meunang didahar boh henteu meunang, iwal ti manuk gagak, manuk heulang, kalajengking (langir), reungit, jeung anjing galak. Dina hiji riwayat, kaasup kana golongan ieu téh nyaéta oray. 288) Anu dibawa nepi ka wewengkon tanah haram pikeun dipeuncit di dinya, jeung dagingna dibagikeun ka pakir miskin. 289) Sabanding jeung harga sato ingon-ingon, minangka gaganti atawa dengdaan tina sato anu dipaéhan. 290) Ngalaksanakeun puasa anu jumlah poéna sabanding jeung mud anu dibikeun ka pakir miskin, saharga jeung sato anu dipaéhan, kalayan katangtuan saurang pakir miskin meunang sa-mud (kurang leuwih 6,5 ons). 291) Maéhan sato saméméhna turun ieu ayat anu ngaharamkeunana.

اُحِلَّ لَكُمْ صَيْدُ الْبَحْرِ وَطَعَامُهٗ مَتَاعًا لَّكُمْ وَلِلسَّيَّارَةِ ۚوَحُرِّمَ عَلَيْكُمْ صَيْدُ الْبَرِّ مَا دُمْتُمْ حُرُمًا ۗوَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْٓ اِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٩٦
Uḥilla lakum ṣaidul-baḥri wa ṭa‘āmuhū matā‘al lakum wa lis-sayyārah(ti), wa ḥurrima ‘alaikum ṣaidul-barri mā dumtum ḥurumā(n), wattaqullāhal-lażī ilaihi tuḥsyarūn(a).
[96] Dihalalkeun pikeun aranjeun sato boroan laut 292 jeung kadaharan (nu asalna) ti laut, 293 minangka kadaharan anu ngeunah pikeun aranjeun jeung pikeun jalma-jalma anu (keur) dina lalampahan. Sarta diharamkeun pikeun aranjeun moro sasatoan darat sajeroning ihram (haji atawa umroh). Aranjeun kudu takwa ka Allah anu ka Mantenna wungkul aranjeun bakal dikumpulkeun (deui)!
292) Sato boroan laut anu diala ku jalan upaya saperti nguseup, ngecrik, jeung réa-réa deui. Kaasup dina ma’na laut di dieu nyaéta walungan, situ, balong, jeung sajabana. 293) Lauk atawa sato laut anu diala kalayan gampang, sabab geus paéh ngambang atawa kabawa ombak ka sisi basisir, jeung sajabana.

۞ جَعَلَ اللّٰهُ الْكَعْبَةَ الْبَيْتَ الْحَرَامَ قِيٰمًا لِّلنَّاسِ وَالشَّهْرَ الْحَرَامَ وَالْهَدْيَ وَالْقَلَاۤىِٕدَ ۗذٰلِكَ لِتَعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۙ وَاَنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ٩٧
Ja‘alallāhul-ka‘batal-baital-ḥarāma qiyāmal lin-nāsi wasy-syahral-ḥarāma wal-hadya wal-qalā'id(a), żālika lita‘lamū annallāha ya‘lamu mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa annallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[97] Allah geus ngajadikeun Ka’bah, Baétulharam, 294 minangka puseur kagiatan (ibadah jeung urusan dunya). Kitu deui Allah geus ngajadikeun bulan haram, hady (sato korban), jeung qalā’id (sato korban anu dikalungan). Hal éta téh supaya aranjeun nganyahokeun yén Allah téh Mahauninga kana sakabéh nu aya di langit jeung anu aya di bumi, sarta yén Allah téh Mahauninga kana sakabéh perkara.
294) Ka’bah jeung sabudeureunana jadi tempat anu aman pikeun manusa migawé perkara-perkara anu pakuat-pakait jeung dunya-ahérat, sarta jadi puseur ibadah haji.

اِعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِۙ وَاَنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌۗ٩٨
I‘lamū annallāha syadīdul-‘iqāb(i), wa annallāha gafūrur raḥīm(un).
[98] Kanyahokeun ku aranjeun yén siksa Allah téh rongkah pisan, jeung yén Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

مَا عَلَى الرَّسُوْلِ اِلَّا الْبَلٰغُ ۗوَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تُبْدُوْنَ وَمَا تَكْتُمُوْنَ٩٩
Mā ‘alar-rasūli illal-balāg(u),wallāhu ya‘lamu mā tubdūna wa mā taktumūn(a).
[99] Kawajiban Rasul téh teu aya lian iwal ti nepikeun (ajaran Allah) wungkul. Allah téh uninga kana sagala rupa nu ditémbongkeun ku aranjeun jeung kana sagala rupa anu disumputkeun ku aranjeun.

قُلْ لَّا يَسْتَوِى الْخَبِيْثُ وَالطَّيِّبُ وَلَوْ اَعْجَبَكَ كَثْرَةُ الْخَبِيْثِۚ فَاتَّقُوا اللّٰهَ يٰٓاُولِى الْاَلْبَابِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ ࣖ١٠٠
Qul lā yastawil-khabīṡu waṭ-ṭayyibu wa lau a‘jabaka kaṡratul-khabīṡ(i), fattaqullāha yā ulil-albābi la‘allakum tufliḥūn(a).
[100] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Henteu sarua nu goréng jeung nu alus, sanajan kalolobaanana nu goréng téh matak narik kana haté hidep. Ku kituna, pék kudu takwa ka Allah hé jalma-jalma anu boga akal séhat, sangkan aranjeun untung!”

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَسْـَٔلُوْا عَنْ اَشْيَاۤءَ اِنْ تُبْدَ لَكُمْ تَسُؤْكُمْ ۚوَاِنْ تَسْـَٔلُوْا عَنْهَا حِيْنَ يُنَزَّلُ الْقُرْاٰنُ تُبْدَ لَكُمْ ۗعَفَا اللّٰهُ عَنْهَا ۗوَاللّٰهُ غَفُوْرٌ حَلِيْمٌ١٠١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tas'alū ‘an asy-yā'a in tubda lakum tasu'kum, wa in tas'alū ‘anhā ḥīna yunazzalul-qur'ānu tubda lakum, ‘afallāhu ‘anhā, wallāhu gafūrun ḥalīm(un).
[101] Hé jalma-jalma anu iman, kadé ulah rék nanyakeun (ka nabi aranjeun) perkara-perkara anu lamun diterangkeun (malahan) bakal nyusahkeun aranjeun. Lamun aranjeun nanyakeunana dina waktu Al-Qur’an turun, (tangtu) bakal diterangkeun ka aranjeun. Allah geus ngahampura (kasalahan aranjeun) ngeunaan hal éta. Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahasantun.

قَدْ سَاَلَهَا قَوْمٌ مِّنْ قَبْلِكُمْ ثُمَّ اَصْبَحُوْا بِهَا كٰفِرِيْنَ١٠٢
Qad sa'alahā qaumum min qablikum ṡumma aṣbaḥū bihā kāfirīn(a).
[102] Tétéla sagolongan manusa saméméh aranjeun kungsi nanyakeun hal-hal anu sarupa (ka nabi maranéhna), tuluy (ku lantaran éta) maranéhna téh jadi kapir.

مَا جَعَلَ اللّٰهُ مِنْۢ بَحِيْرَةٍ وَّلَا سَاۤىِٕبَةٍ وَّلَا وَصِيْلَةٍ وَّلَا حَامٍ ۙوَّلٰكِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يَفْتَرُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَۗ وَاَكْثَرُهُمْ لَا يَعْقِلُوْنَ١٠٣
Mā ja‘alallāhu mim baḥīratiw wa lā sā'ibatiw wa lā waṣīlatiw wa lā ḥām(in), wa lākinnal-lażīna kafarū yaftarūna ‘alallāhil-każib(a), wa akṡaruhum lā ya‘qilūn(a).
[103] Allah mah henteu kungsi netepkeun saeutik ogé (aturan) ngeunaan bāhirah, 295 sā’ibah, 296 waṣīlah, 297 jeung ḥām, 298 tapi jalma-jalma kapir geus nyieun-nyieun kabohongan ka Allah. Kalolobaanana ti antara maranéhna mah teu ngarti.
295) Bahīrah: Onta bikang anu geus anakan lima kali jeung anakna anu kalima téh jalu. Tuluy éta onta bikang téh dibeulah ceulina, dileupaskeun, jeung ulah dijadikeun tutumpakan deui, sarta cai susuna teu meunang dijual. 296) Sā’ibah: Onta bikang anu diantepkeun pikeun indit ka mana baé ku sabab hiji nadar, saperti lamun urang Arab saméméh datangna Islam érék milampah hiji lalampahan (nyaba) anu beurat, mangka biasana manéhna nadar rék nagajadikeun ontana jadi sā’ibah lamun maksud jeung perjalanana hasil tur salamet. 297) Wā’ilah: Nyaéta hiji domba bikang anu anakan kembar dua, hiji jalu jeung hiji deui bikang. Anu jaluna disebut wā’ilah, hartina domba anu teu meunang dipeuncit, tapi kudu dipasrahkeun ka berhala. 298) Ḥām: Onta jalu anu teu meunang diganggu-ganggu deui, ku sabab geus bisa ngareuneuhan onta bikang sapuluh kali. Kabiasaan ayana bahīrah, sāibah, wā’ilah, jeung ḥām téh mangrupakeun kapercayaan Arab saméméh datangna Islam.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ تَعَالَوْا اِلٰى مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَاِلَى الرَّسُوْلِ قَالُوْا حَسْبُنَا مَا وَجَدْنَا عَلَيْهِ اٰبَاۤءَنَا ۗ اَوَلَوْ كَانَ اٰبَاۤؤُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ شَيْـًٔا وَّلَا يَهْتَدُوْنَ١٠٤
Wa iżā qīla lahum ta‘ālau ilā mā anzalallāhu wa ilar-rasūli qālū ḥasbunā mā wajadnā ‘alaihi ābā'anā, awalau kāna ābā'uhum lā ya‘lamūna syai'aw wa lā yahtadūn(a).
[104] Lamun diucapkeun ka maranéhna, “Hayu (urang anut) kana perkara anu geus dilungsurkeun ku Allah jeung (anut) ka Rasul!” Maranéhna ngajawab kieu, “Cukup keur kuring saréréa mah naon baé nu geus kapanggih anu sok (dipigawé) ku karuhun-karuhun kuring saréréa.” Naha sanajan karuhun-karuhun maranéhna téh teu nyaho naon-naon jeung teu meunang pituduh?

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا عَلَيْكُمْ اَنْفُسَكُمْ ۚ لَا يَضُرُّكُمْ مَّنْ ضَلَّ اِذَا اهْتَدَيْتُمْ ۗ اِلَى اللّٰهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيْعًا فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ١٠٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanū ‘alaikum anfusakum, lā yaḍurrukum man ḍalla iżahtadaitum, ilallāhi marji‘ukum jamī‘an fa yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[105] Hé jalma-jalma anu iman, geura jaga diri aranjeun! Jalma nu sasar mah moal bisa ngabahayakeun aranjeun lamun aranjeun sorangan geus meunang pituduh. Ngan ukur ka Allah aranjeun saréréa téh bakal balik, tuluy engké Mantenna bakal nerangkeun ka aranjeun naon baé anu geus dilakukeun ku aranjeun.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا شَهَادَةُ بَيْنِكُمْ اِذَا حَضَرَ اَحَدَكُمُ الْمَوْتُ حِيْنَ الْوَصِيَّةِ اثْنٰنِ ذَوَا عَدْلٍ مِّنْكُمْ اَوْ اٰخَرٰنِ مِنْ غَيْرِكُمْ اِنْ اَنْتُمْ ضَرَبْتُمْ فِى الْاَرْضِ فَاَصَابَتْكُمْ مُّصِيْبَةُ الْمَوْتِۗ تَحْبِسُوْنَهُمَا مِنْۢ بَعْدِ الصَّلٰوةِ فَيُقْسِمٰنِ بِاللّٰهِ اِنِ ارْتَبْتُمْ لَا نَشْتَرِيْ بِهٖ ثَمَنًا وَّلَوْ كَانَ ذَا قُرْبٰىۙ وَلَا نَكْتُمُ شَهَادَةَ اللّٰهِ اِنَّآ اِذًا لَّمِنَ الْاٰثِمِيْنَ١٠٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū syahādatu bainikum iżā ḥaḍara aḥadakumul-mautu ḥīnal-waṣiyyatiṡnāni żawā ‘adlim minkum au ākharāni min gairikum in antum ḍarabtum fil-arḍi fa aṣābatkum muṣībatul-maut(i), taḥbisūnahumā mim ba‘diṣ-ṣalāti fa yuqsimāni billāhi inirtabtum lā nasytarī bihī ṡamanaw wa lau kāna żā qurbā, wa lā naktumu syahādatallāhi innā iżal laminal-āṡimīn(a).
[106] Hé jalma-jalma anu iman, panyaksén ti antara aranjeun lamun geus datang ka salah saurang (ti antara) aranjeun (tanda-tanda) pimaoteun, sedengkeun manéhna rék (méré) wasiat nyaéta kudu disaksian ku dua lalaki nu adil ti antara aranjeun, atawa dua urang salian ti aranjeun. Lamun aranjeun keur lalampahan di ieu bumi, tuluy tumiba musibah pimaoteun, pék aranjeun (kudu) nahan éta dua saksi sanggeus salat, supaya duanana ngucapkeun sumpah kalawan nyebat jenengan Allah lamun aranjeun mangmang, (anu kieu sumpahna téh), “Demi Allah, kuring duaan moal rék nyokot kauntungan tina ieu sumpah, sanajan manéhna kulawarga nu deukeut, sarta kuring saréréa moal pisan rék nyumputkeun panyaksénana Allah. Sabenerna lamun kitu, tangtu kuring saréréa kaasup kana golongan jalma-jalma anu migawé dosa.”

فَاِنْ عُثِرَ عَلٰٓى اَنَّهُمَا اسْتَحَقَّآ اِثْمًا فَاٰخَرٰنِ يَقُوْمٰنِ مَقَامَهُمَا مِنَ الَّذِيْنَ اسْتَحَقَّ عَلَيْهِمُ الْاَوْلَيٰنِ فَيُقْسِمٰنِ بِاللّٰهِ لَشَهَادَتُنَآ اَحَقُّ مِنْ شَهَادَتِهِمَا وَمَا اعْتَدَيْنَآ ۖاِنَّآ اِذًا لَّمِنَ الظّٰلِمِيْنَ١٠٧
Fa in ‘uṡira ‘alā annahumastaḥaqqā iṡman fa ākharāni yaqūmāni maqāmahumā minal-lażīnastaḥaqqa ‘alaihimul-aulayāni fa yuqsimāni billāhi lasyahādatunā aḥaqqu min syahādatihimā wa ma‘tadainā, innā iżal laminaẓ-ẓālimīn(a).
[107] Lamun kabuktian yén éta dua saksi téh migawé dosa, 299 atuh dua saksi anu séjénna ngaganti tempatna, nyaéta ti antara ahli waris nu leuwih hak jeung leuwih deukeut ka nu maot, tuluy duanana sumpah kalayan nyebat jenengan Allah, “Demi Allah, sabenerna panyaksén kuring duaan ieu téh langkung pantes ditampi tibatan panyaksénana dua saksi nu tadi, sarta kuring duaan henteu ngaliwatan wates. Sabenerna saupama kuring duaan (migawé) kitu, tangtu kuring duaan kaasup kana golongan jalma-jalma anu dolim.”
299) Ngalakukeun kacurangan dina panyaksénana anu kanyahoan sanggeus maranéhna ngucapkeun sumpah.

ذٰلِكَ اَدْنٰٓى اَنْ يَّأْتُوْا بِالشَّهَادَةِ عَلٰى وَجْهِهَآ اَوْ يَخَافُوْٓا اَنْ تُرَدَّ اَيْمَانٌۢ بَعْدَ اَيْمَانِهِمْۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاسْمَعُوْا ۗوَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْفٰسِقِيْنَ ࣖ١٠٨
Żālika adnā ay ya'tū bisy-syahādati ‘alā wajhihā au yakhāfū an turadda aimānum ba‘da aimānihim, wattaqullāha wasma‘ū, wallāhu lā yahdil qaumal-fāsiqīn(a).
[108] Éta téh leuwih deukeut pikeun maranéhna méré panyaksénana nurutkeun nu sabenerna, atawa maranéhna ngarasa sieun lamun sumpahna dibalikkeun deui (ka ahli waris) sanggeus maranéhna sumpah. 300 Pék kudu takwa ka Allah sarta dangukeun (paréntah-Na)! Allah mah moal maparin pituduh ka jalma-jalma pasék.
300) Sumpah anu dibalikkeun, nyaéta sumpah ti para saksi anu béda agama ditolak ku sabab aya sumpah ti saksi-saksi anu asalna ti dulur deuheus, atawa bisa dima’naan yén jalma-jalma anu ngucapkeun sumpah téh bakal meunang wawales di dunya jeung ahérat ku sabab ngucapkeun sumpah palsu.

۞ يَوْمَ يَجْمَعُ اللّٰهُ الرُّسُلَ فَيَقُوْلُ مَاذَٓا اُجِبْتُمْ ۗ قَالُوْا لَا عِلْمَ لَنَا ۗاِنَّكَ اَنْتَ عَلَّامُ الْغُيُوْبِ١٠٩
Yauma yajma‘ullāhur-rusula fa yaqūlu māżā ujibtum, qālū lā ‘ilma lanā, innaka anta ‘allāmul-guyūb(i).
[109] (Kudu inget kana) poé waktu Allah ngempelkeun rasul-rasul, lajeng Mantenna naros (ka aranjeunna), “Naon jawaban (kaom aranjeun) kana (ajakan) aranjeun?” Aranjeunna ngawaler, “Abdi sadaya henteu uninga (ngeunaan éta). Saleresna mung Gusti wungkul Nu Mahauninga kana sagala rupi nu gaib.”

اِذْ قَالَ اللّٰهُ يٰعِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ اذْكُرْ نِعْمَتِيْ عَلَيْكَ وَعَلٰى وَالِدَتِكَ ۘاِذْ اَيَّدْتُّكَ بِرُوْحِ الْقُدُسِۗ تُكَلِّمُ النَّاسَ فِى الْمَهْدِ وَكَهْلًا ۚوَاِذْ عَلَّمْتُكَ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَالتَّوْرٰىةَ وَالْاِنْجِيْلَ ۚوَاِذْ تَخْلُقُ مِنَ الطِّيْنِ كَهَيْـَٔةِ الطَّيْرِ بِاِذْنِيْ فَتَنْفُخُ فِيْهَا فَتَكُوْنُ طَيْرًاۢ بِاِذْنِيْ وَتُبْرِئُ الْاَكْمَهَ وَالْاَبْرَصَ بِاِذْنِيْ ۚوَاِذْ تُخْرِجُ الْمَوْتٰى بِاِذْنِيْ ۚوَاِذْ كَفَفْتُ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ عَنْكَ اِذْ جِئْتَهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْهُمْ اِنْ هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ١١٠
Iż qālallāhu yā ‘īsabna maryamażkur ni‘matī ‘alaika wa ‘alā wālidatik(a), iż ayyattuka birūḥil-qudus(i), tukallimun-nāsa fil-mahdi wa kahlā(n), wa iż ‘allamtukal-kitāba wal-ḥikmata wat-taurāta wal-injīl(a), wa iż takhluqu minaṭ-ṭīni kahai'atiṭ-ṭairi bi'iżnī fa tanfukhu fīhā fa takūnu ṭairam bi'iżnī wa tubri'ul-akmaha wal-abraṣa bi'iżnī, wa iż tukhrijul-mautā bi'iżnī, wa iż kafaftu banī isrā'īla ‘anka iż ji'tahum bil-bayyināti fa qālal-lażīna kafarū minhum in hāżā illā siḥrum mubīn(un).
[110] Sing inget waktu Allah ngadawuh, “Hé Isa putra Maryam, kudu inget kana ni’mat Kami ka hidep jeung ibu hidep waktu Kami mengkuhkeun hidep ku Ruhulkudus. Hidep bisa cumarita jeung manusa waktu masih orok kénéh jeung samggeus déwasa. Sing inget ogé waktu Kami ngajar nulis, hikmah, Torét, jeung Injil. Kudu inget ogé waktu hidep nyieun tina taneuh mamanukan kalayan widi Kami, tuluy hidep niup (éta mamanukan), tuluy jadi manuk (enyaan) kalayan widi Kami. (Sing inget ogé) waktu anjeun nyageurkeun jalma nu lolong ti barang lahir jeung nu panyakit kusta kalayan widi Kami. Kudu inget ogé waktu hidep ngaluarkeun jalma (nu geus) maot (ti jero kubur tuluy hirup deui) kalayan widi Kami. Hidep kudu inget waktu Kami ngahalangan Bani Israél (anu rék maéhan) ka hidep waktu hidep nepikeun ka maranéhna katerangan-katerangan nu nyata, tuluy jalma-jalma kapir ti antara maranéhna téh ngarucap, ‘Ieu téh taya lian iwal ti sihir anu nyata.’”

وَاِذْ اَوْحَيْتُ اِلَى الْحَوَارِيّٖنَ اَنْ اٰمِنُوْا بِيْ وَبِرَسُوْلِيْ ۚ قَالُوْٓا اٰمَنَّا وَاشْهَدْ بِاَنَّنَا مُسْلِمُوْنَ١١١
Wa iż auḥaitu ilal-ḥawāriyyīna an āminū bī wa birasūlī, qālū āmannā wasyhad bi'annanā muslimūn(a).
[111] (Sing inget ogé) waktu Kami maparin ilham ka para murid Isa nu satia, “Geura iman ka Kami jeung ka Rasul Kami!” Aranjeunna ngawaler, “Abdi sadaya parantos iman, sinareng mugi anjeun (hé rasul, tiasa) nyakséni, yén abdi sadaya téh jalmi-jalmi anu sumerah diri.”

اِذْ قَالَ الْحَوَارِيُّوْنَ يٰعِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ هَلْ يَسْتَطِيْعُ رَبُّكَ اَنْ يُّنَزِّلَ عَلَيْنَا مَاۤىِٕدَةً مِّنَ السَّمَاۤءِ ۗقَالَ اتَّقُوا اللّٰهَ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١١٢
Iż qālal-ḥawāriyyūna yā ‘īsabna maryama hal yastaṭī‘u rabbuka ay yunazzila ‘alainā mā'idatam minas-samā'(i), qālattaqullāha in kuntum mu'minīn(a).
[112] (Sing inget ogé) waktu para murid Isa nu satia nyarios, “Hé Isa putra Maryam, naha kersaeun Pangéran anjeun ngalungsurkeun idangan ti langit kanggo abdi sadaya?” Isa ngawaler, “Pék takwa baé ka Allah lamun aranjeun mu’min mah!”

قَالُوْا نُرِيْدُ اَنْ نَّأْكُلَ مِنْهَا وَتَطْمَىِٕنَّ قُلُوْبُنَا وَنَعْلَمَ اَنْ قَدْ صَدَقْتَنَا وَنَكُوْنَ عَلَيْهَا مِنَ الشّٰهِدِيْنَ١١٣
Qālū nurīdu an na'kula minhā wa taṭma'inna qulūbunā wa na‘lama an qad ṣadaqtanā wa nakūna ‘alaihā minasy-syāhidīn(a).
[113] Aranjeunna téh nyarios (deui), “Abdi sadaya miharep neda éta idangan supaya haté abdi sadaya tengtrem jeung supaya yakin yén sabenerna anjeun (Isa) parantos sasauran anu jujur, sareng supaya abdi sadaya janten jalmi-jalmi nu nyakséni (kana éta idangan).”

قَالَ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ اللّٰهُمَّ رَبَّنَآ اَنْزِلْ عَلَيْنَا مَاۤىِٕدَةً مِّنَ السَّمَاۤءِ تَكُوْنُ لَنَا عِيْدًا لِّاَوَّلِنَا وَاٰخِرِنَا وَاٰيَةً مِّنْكَ وَارْزُقْنَا وَاَنْتَ خَيْرُ الرّٰزِقِيْنَ١١٤
Qāla ‘īsabnu maryamallāhumma rabbanā anzil ‘alainā mā'idatam minas-samā'i takūnu lanā ‘īdal li'awwalinā wa ākhirinā wa āyatam minka warzuqnā wa anta khairur-rāziqīn(a).
[114] Isa Putra Maryam (teras) ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, lungsurkeun ka abdi sadaya idangan ti langit anu (dinten turunna) bakal janten hari raya kanggo abdi sadaya, nyaéta kanggo jalmi-jalmi ayeuna anu sasarengan sareng abdi sadaya atawa kanggo (jalmi-jalmi) anu pengkereun abdi sadaya, tur supados janten hiji tawis kakawasaan Gusti. Paparin abdi sadaya rejeki! Gusti téh pangsaè-saèna anu maparin rejeki.”

قَالَ اللّٰهُ اِنِّيْ مُنَزِّلُهَا عَلَيْكُمْ ۚ فَمَنْ يَّكْفُرْ بَعْدُ مِنْكُمْ فَاِنِّيْٓ اُعَذِّبُهٗ عَذَابًا لَّآ اُعَذِّبُهٗٓ اَحَدًا مِّنَ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ١١٥
Qālallāhu innī munazziluhā ‘alaikum, famay yakfur ba‘du minkum fa innī u‘ażżibuhū ‘ażābal lā u‘ażzibuhū aḥadam minal-‘ālamīn(a).
[115] Allah ngadawuh, “Sabenerna Kami rèk nurunkeun èta idangan pikeun aranjeun. Saha baé anu kupur ti antara aranjeun sanggeusna (diturunkeunana èta idangan), tangtu Kami bakal nyiksa ka manèhna ku siksaan anu teu kungsi dipakè nyiksa ka saurang ogè ti antara sakabèh manusa (mahluk).”

وَاِذْ قَالَ اللّٰهُ يٰعِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ ءَاَنْتَ قُلْتَ لِلنَّاسِ اتَّخِذُوْنِيْ وَاُمِّيَ اِلٰهَيْنِ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗقَالَ سُبْحٰنَكَ مَا يَكُوْنُ لِيْٓ اَنْ اَقُوْلَ مَا لَيْسَ لِيْ بِحَقٍّ ۗاِنْ كُنْتُ قُلْتُهٗ فَقَدْ عَلِمْتَهٗ ۗتَعْلَمُ مَا فِيْ نَفْسِيْ وَلَآ اَعْلَمُ مَا فِيْ نَفْسِكَ ۗاِنَّكَ اَنْتَ عَلَّامُ الْغُيُوْبِ١١٦
Wa iż qālallāhu yā ‘īsabna maryama a'anta qulta lin-nāsittakhiżūnī wa ummiya ilāhaini min dūnillah(i), qāla subḥānaka mā yakūnu lī an aqūla mā laisa lī biḥaqq(in), in kuntu qultuhū faqad ‘alimtah(ū), ta‘lamu mā fī nafsī wa lā a‘lamu mā fī nafsik(a), innaka anta ‘allāmul-guyūb(i).
[116] (Sing inget) ogé waktu Allah ngadawuh, “Hé Isa putra Maryam, naha hidep anu ngucapkeun ka sakabèh manusa ‘jadikeun ku maranèh kuring jeung indung kuring dua pangèran salian ti Allah?’” (Isa) ngawaler, “Mahasuci Gusti! Kacida pisan henteu pantesna kanggo abdi nyanggemkeun perkawis anu sanès hak abdi. Upami leres abdi kantos nyanggemkeun kitu, tangtosna Gusti ogè uninga. Gusti mah Mahauninga kana sagala rupi nu aya dina diri abdi, sedengkeun abdi henteu terang kana sagala rupi nu aya di salira Gusti. Saleresna Gusti mah Mahauninga kana sagala perkara anu gaib.

مَا قُلْتُ لَهُمْ اِلَّا مَآ اَمَرْتَنِيْ بِهٖٓ اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ رَبِّيْ وَرَبَّكُمْ ۚوَكُنْتُ عَلَيْهِمْ شَهِيْدًا مَّا دُمْتُ فِيْهِمْ ۚ فَلَمَّا تَوَفَّيْتَنِيْ كُنْتَ اَنْتَ الرَّقِيْبَ عَلَيْهِمْ ۗوَاَنْتَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ١١٧
Mā qultu lahum illā mā amartanī bihī ani‘budullāha rabbī wa rabbakum, wa kuntu ‘alaihim syahīdam mā dumtu fīhim, falammā tawaffaitanī kunta antar-raqība ‘alaihim, wa anta ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[117] Abdi henteu kantos nyarios ka maranéhna iwal sagala rupi nu parantos dipiwarang ku Gusti ka abdi baè (nyaéta), ‘Prak ibadah ka Allah, Pangèran kuring jeung Pangèran aranjeun!’ Abdi tèh anu janten saksi pikeun maranèhna salami abdi aya di tengah-tengah maranéhna. Ku kituna, saparantos Gusti ngawapatkeun abdi, mung Gusti wungkul nu nalingakeun maranèhna. Gusti mah Maha Nyaksèni kana sadaya perkara.

اِنْ تُعَذِّبْهُمْ فَاِنَّهُمْ عِبَادُكَ ۚوَاِنْ تَغْفِرْ لَهُمْ فَاِنَّكَ اَنْتَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ١١٨
In tu‘ażżibhum fa innahum ‘ibāduk(a), wa in tagfir lahum fa innaka antal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[118] Saupami Gusti nyiksa ka maranèhna, mangka saleresna maranèhna tèh hamba-hamba Gusti; sareng upami Gusti ngahapunten (dosa) maranèhna, saleresna Gusti mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.”

قَالَ اللّٰهُ هٰذَا يَوْمُ يَنْفَعُ الصّٰدِقِيْنَ صِدْقُهُمْ ۗ لَهُمْ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًا ۗرَضِيَ اللّٰهُ عَنْهُمْ وَرَضُوْا عَنْهُ ۗذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ١١٩
Qālallāhu hāżā yaumu yanfa‘uṣ-ṣādiqīna ṣidquhum, lahum jannātun tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), raḍiyallāhu ‘anhum wa raḍū ‘anh(u), żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[119] Allah ngadawuh, “Ieu tèh poè anu mana bebeneran jalma-jalma anu bener mangpaat pikeun aranjeunna. Pikeun aranjeunna sawarga anu di handapeunana cur-cor pirang-pirang walungan. Aranjeunna langgeng di dinyana salawasna. Allah mikarido ka aranjeunna. Aranjeunna ogè mikarido ka Mantenna. Èta tèh kaunggulan nu kacida agungna.”

لِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا فِيْهِنَّ ۗوَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ࣖ١٢٠
Lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍi wa mā fīhinn(a), wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[120] Mung kagungan Allah karajaan langit sareng bumi sarta sagala rupa nu aya di jerona. Mantenna mah Mahakawasa kana sagala perkara.