Surah Al-Hujurat

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تُقَدِّمُوْا بَيْنَ يَدَيِ اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tuqaddimū baina yadayillāhi wa rasūlihī wattaqullāh(a), innallāha samī‘un ‘alīm(un).
[1] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah rék miheulaan Allah jeung Rasul-Na 848 jeung kudu takwa ka Allah. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) MahaUninga.
848) Maksudna, jalma-jalma mu’min teu meunang netepkeun hiji hukum, saméméh aya katetepan ti Allah jeung Rasul-Na.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَرْفَعُوْٓا اَصْوَاتَكُمْ فَوْقَ صَوْتِ النَّبِيِّ وَلَا تَجْهَرُوْا لَهٗ بِالْقَوْلِ كَجَهْرِ بَعْضِكُمْ لِبَعْضٍ اَنْ تَحْبَطَ اَعْمَالُكُمْ وَاَنْتُمْ لَا تَشْعُرُوْنَ٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tarfa‘ū aṣwātakum fauqa ṣautin-nabiyyi wa lā tajharū lahū bil-qauli kajahri ba‘ḍikum liba‘ḍin an taḥbaṭa a‘mālukum wa antum lā tasy‘urūn(a).
[2] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah rék narikkeun sora aranjeun ngaleuwihan suanten Rasul, jeung omat ulah nyarios ka anjeunna ku sora anu tarik sakumaha tarikna (sora) sabagian aranjeun ka anu lian, engké (ganjaran) sakabéh amalan aranjeun bisi kapupus, sedengkeun aranjeun henteu sadar.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَغُضُّوْنَ اَصْوَاتَهُمْ عِنْدَ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ امْتَحَنَ اللّٰهُ قُلُوْبَهُمْ لِلتَّقْوٰىۗ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّاَجْرٌ عَظِيْمٌ٣
Innal-lażīna yaguḍḍūna aṣwātahum ‘inda rasūlillāhi ulā'ikal-lażīnamtaḥanallāhu qulūbahum lit-taqwā, lahum magfiratuw wa ajrun ‘aẓīm(un).
[3] Sabenerna jalma-jalma anu ngalaunkeun sorana di payuneun Rasulullah, nya aranjeunna pisan jalma-jalma anu geus diuji haténa ku Allah pikeun takwa. Aranjeunna bakal meunang pangampura jeung ganjaran anu gédé.

اِنَّ الَّذِيْنَ يُنَادُوْنَكَ مِنْ وَّرَاۤءِ الْحُجُرٰتِ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْقِلُوْنَ٤
Innal-lażīna yunādūnaka miw warā'il-ḥujurāti akṡaruhum lā ya‘qilūn(a).
[4] Sabenerna jalma-jalma anu ngageroan hidep (Muhammad) ti luareun kamar-kamar (hidep) téh lolobana mah henteu ngartieun.

وَلَوْ اَنَّهُمْ صَبَرُوْا حَتّٰى تَخْرُجَ اِلَيْهِمْ لَكَانَ خَيْرًا لَّهُمْ ۗوَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٥
Wa lau annahum ṣabarū ḥattā takhruja ilaihim lakāna khairal lahum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[5] Lamun seug aranjeunna sabar nepi ka hidep (Muhammad) kaluar nepungan, tangtu éta téh leuwih hadé pikeun aranjeunna. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) MahaAsih.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ جَاۤءَكُمْ فَاسِقٌۢ بِنَبَاٍ فَتَبَيَّنُوْٓا اَنْ تُصِيْبُوْا قَوْمًاۢ بِجَهَالَةٍ فَتُصْبِحُوْا عَلٰى مَا فَعَلْتُمْ نٰدِمِيْنَ٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū in jā'akum fāsiqum binaba'in fa tabayyanū an tuṣībū qaumam bijahālatin fa tuṣbiḥū ‘alā mā fa‘altum nādimīn(a).
[6] Hé jalma-jalma anu iman, upama salah saurang jalma pasék datang ka aranjeun nepikeun hiji béwara (penting), nya kudu dititénan heula masing taliti sangkan teu matak nyilakakeun ka hiji kaom alatan kabodoan (gagabah), anu antukna aranjeun kabéh hanjakal ku éta pagawéan.

وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ فِيْكُمْ رَسُوْلَ اللّٰهِ ۗ لَوْ يُطِيْعُكُمْ فِيْ كَثِيْرٍ مِّنَ الْاَمْرِ لَعَنِتُّمْ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ حَبَّبَ اِلَيْكُمُ الْاِيْمَانَ وَزَيَّنَهٗ فِيْ قُلُوْبِكُمْ وَكَرَّهَ اِلَيْكُمُ الْكُفْرَ وَالْفُسُوْقَ وَالْعِصْيَانَ ۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الرّٰشِدُوْنَۙ٧
Wa‘lamū anna fīkum rasūlallāh(i), lau yuṭī‘ukum fī kaṡīrim minal-amri la‘anittum wa lākinnallāha ḥabbaba ilaikumul-īmāna wa zayyanahū fī qulūbikum wa karraha ilaikumul-kufra wal-fusūqa wal-‘iṣyān(a), ulā'ika humur-rāsyidūn(a).
[7] Kanyahokeun yén sabenerna di sagédéngeun aranjeun téh aya Rasulullah. Upama anjeunna nurut kana (kahayang) aranjeun dina sabagian gédé urusan, pasti aranjeun bakal meunang kasusah. Allah ngajadikeun aranjeun micinta kana kaimanan jeung ngajadikeun éta iman téh éndah dina haté-haté aranjeun, sarta ngajadikeun aranjeun mikangéwa kana kakupuran, kapasékan, jeung kadorakaan. Aranjeunna pisan jalma-jalma anu nurut kana jalan anu lempeng,

فَضْلًا مِّنَ اللّٰهِ وَنِعْمَةً ۗوَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٨
Faḍlam minallāhi wa ni‘mah(tan), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[8] minangka kurnia jeung ni’mat ti Allah. Mantenna Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَاِنْ طَاۤىِٕفَتٰنِ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ اقْتَتَلُوْا فَاَصْلِحُوْا بَيْنَهُمَاۚ فَاِنْۢ بَغَتْ اِحْدٰىهُمَا عَلَى الْاُخْرٰى فَقَاتِلُوا الَّتِيْ تَبْغِيْ حَتّٰى تَفِيْۤءَ اِلٰٓى اَمْرِ اللّٰهِ ۖفَاِنْ فَاۤءَتْ فَاَصْلِحُوْا بَيْنَهُمَا بِالْعَدْلِ وَاَقْسِطُوْا ۗاِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُقْسِطِيْنَ٩
Wa in ṭā'ifatāni minal-mu'minīnaqtatalū fa aṣliḥū bainahumā, fa im bagat iḥdāhumā ‘alal-ukhrā fa qātilul-latī tabgī ḥattā tafī'a ilā amrillāh(i), fa in fā'at fa aṣliḥū bainahumā bil-‘adli wa aqsiṭū, innallāha yuḥibbul-muqsiṭīn(a).
[9] Upama aya dua golongan ti jalma-jalma mu’min silih perangan, prak rukunkeun ku aranjeun duanana. Lamun salah sahiji ti antarana nyieun kaniaya ka (golongan) anu lianna, prak perangan ku aranjeun golongan anu nyieun éta peta kaniaya, nepi ka éta golongan téh balik deui kana paréntah Allah. Upama éta golongan geus mulang deui (kana paréntah Allah), nya prak geura rukunkeun aranjeunna ku aranjeun kalayan adil, jeung kudu adil. Saleresna Allah mikadeudeuh ka jalma-jalma anu milampah kaadilan.

اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ اِخْوَةٌ فَاَصْلِحُوْا بَيْنَ اَخَوَيْكُمْ وَاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ ࣖ١٠
Innamal-mu'minūna ikhwatun fa aṣliḥū baina akhawaikum wattaqullāha la‘allakum turḥamūn(a).
[10] Sabenerna jalma-jalma mu’min téh dulur. Ku kituna, prak geura rukunkeun ku aranjeun antara dua dulur aranjeun (nu paraséa), jeung prak kudu takwa ka Allah sangkan aranjeun kénging rahmat.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا يَسْخَرْ قَوْمٌ مِّنْ قَوْمٍ عَسٰٓى اَنْ يَّكُوْنُوْا خَيْرًا مِّنْهُمْ وَلَا نِسَاۤءٌ مِّنْ نِّسَاۤءٍ عَسٰٓى اَنْ يَّكُنَّ خَيْرًا مِّنْهُنَّۚ وَلَا تَلْمِزُوْٓا اَنْفُسَكُمْ وَلَا تَنَابَزُوْا بِالْاَلْقَابِۗ بِئْسَ الِاسْمُ الْفُسُوْقُ بَعْدَ الْاِيْمَانِۚ وَمَنْ لَّمْ يَتُبْ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ١١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā yaskhar qaumum min qaumin ‘asā ay yakūnū khairam minhum wa lā nisā'um min nisā'in ‘asā ay yakunna khairam minhunn(a), wa lā talmizū anfusakum wa lā tanābazū bil-alqāb(i), bi'salismul-fusūqu ba‘dal-īmān(i), wa mal lam yatub fa ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[11] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah pisan hiji kaom ngaguyonkeun kaom anu séjénna, (lantaran) bisa jadi maranéhna (kaom anu diguyonkeun) leuwih hadé tibatan maranéhna (kaom anu ngaguyonkeunana). Kitu deui omat ulah pisan awéwé-awéwé ogé (ngageuhgeuykeun) awéwé-awéwé séjén, (lantaran) bisa jadi awéwé-awéwé (nu diguyonkeun) téh leuwih hadé tibatan awéwé (nu ngaguyonkeunna). Omat ulah pisan aranjeun silih cawad di antara aranjeun jeung omat ulah pisan silih panggil ku panelah nu goréng. Sagoréng-goréngna panelah téh nyaéta pasék sanggeusna iman. Saha baé anu teu tobat, nya maranéhna pisan jalma-jalma anu dolim.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اجْتَنِبُوْا كَثِيْرًا مِّنَ الظَّنِّۖ اِنَّ بَعْضَ الظَّنِّ اِثْمٌ وَّلَا تَجَسَّسُوْا وَلَا يَغْتَبْ بَّعْضُكُمْ بَعْضًاۗ اَيُحِبُّ اَحَدُكُمْ اَنْ يَّأْكُلَ لَحْمَ اَخِيْهِ مَيْتًا فَكَرِهْتُمُوْهُۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ تَوَّابٌ رَّحِيْمٌ١٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanujtanibū kaṡīram minaẓ-ẓann(i), inna ba‘daẓ-ẓanni iṡmuw wa lā tajassasū wa lā yagtab ba‘ḍukum ba‘ḍā(n), ayuḥibbu aḥadukum ay ya'kula laḥma akhīhi maitan fa karihtumūh(u), wattaqullāh(a), innallāha tawwābur raḥīm(un).
[12] Hé jalma-jalma anu iman, jauhan loba sak-wasangka, sabenerna sabagian gédé tina sak-wasangka téh dosa. Omat ulah dék néangan kasalahan batur. Omat ulah aya di antara aranjeun anu ngupat ka anu séjén. Naha aya ti antara aranjeun anu osok ngadahar bangké dulur sorangan? Apan pasti moal aya anu hayang. Geura takwa aranjeun ka Allah! Saleresna Allah Maha nampi kana tobat (tur) Mahaasih.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنَّا خَلَقْنٰكُمْ مِّنْ ذَكَرٍ وَّاُنْثٰى وَجَعَلْنٰكُمْ شُعُوْبًا وَّقَبَاۤىِٕلَ لِتَعَارَفُوْا ۚ اِنَّ اَكْرَمَكُمْ عِنْدَ اللّٰهِ اَتْقٰىكُمْ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ خَبِيْرٌ١٣
Yā ayyuhan-nāsu innā khalaqnākum min żakariw wa unṡā wa ja‘alnākum syu‘ūbaw wa qabā'ila lita‘ārafū, inna akramakum ‘indallāhi atqākum, innallāha ‘alīmun khabīr(un).
[13] Hé manusa, sabenerna Kami nyiptakeun aranjeun ti lalaki (Adam) jeung awéwé (Hawa), tuluy Kami ngajadikeun aranjeun sababaraha bangsa jeung kabilah sangkan silih pikawanoh. Sabenerna jalma anu pangmulyana di antara aranjeun mungguhing Allah téh nyaéta anu pangtakwana. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahawaspada.

۞ قَالَتِ الْاَعْرَابُ اٰمَنَّا ۗ قُلْ لَّمْ تُؤْمِنُوْا وَلٰكِنْ قُوْلُوْٓا اَسْلَمْنَا وَلَمَّا يَدْخُلِ الْاِيْمَانُ فِيْ قُلُوْبِكُمْ ۗوَاِنْ تُطِيْعُوا اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ لَا يَلِتْكُمْ مِّنْ اَعْمَالِكُمْ شَيْـًٔا ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٤
Qālatil-a‘rābu āmannā, qul lam tu'minū wa lākin qūlū aslamnā wa lammā yadkhulil-īmānu fī qulūbikum, wa in tuṭī‘ullāha wa rasūlahū lā yalitkum min a‘mālikum syai'ā(n), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[14] Urang Arab (Badewi) ngaromong, “Kuring sadaya geus iman.” Pok unggelkeun ku hidep (Muhammad). “Aranjeun téh can iman. Sok sebutkeun kieu, ‘Kuring sadaya geus sumerah’, sabab iman can asup kana haté aranjeun. Lamun aranjeun ta’at ka Allah jeung ka Rasul-Na, Mantenna moal ngurangan saeutik ogé (ganjaran) amal aranjeun. Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”

اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ ثُمَّ لَمْ يَرْتَابُوْا وَجَاهَدُوْا بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الصّٰدِقُوْنَ١٥
Innamal-mu'minūnal-lażīna āmanū billāhi wa rasūlihī ṡumma lam yartābū wa jāhadū bi'amwālihim wa anfusihim fī sabīlillāh(i), ulā'ika humuṣ-ṣādiqūn(a).
[15] alma-jalma mu’min anu sabenerna téh nyaéta jalma-jalma anu percaya ka Allah jeung ka Rasul-Na, tuluy henteu mangmang, tuluy jihad di jalan Allah ku banda jeung dirina. Aranjeunna pisan jalma-jalma anu bener téh

قُلْ اَتُعَلِّمُوْنَ اللّٰهَ بِدِيْنِكُمْۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ١٦
Qul atu‘alimūnallāha bidīnikum, wallāhu ya‘lamu mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[16] Pok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun rék ngabéjaan ka Allah ngeunaan agama (kayakinan) aranjeun, padahal Allah mah Mahauninga kana naon nu aya di langit jeung bumi. Allah téh Mahauninga kana sagala urusan?”

يَمُنُّوْنَ عَلَيْكَ اَنْ اَسْلَمُوْا ۗ قُلْ لَّا تَمُنُّوْا عَلَيَّ اِسْلَامَكُمْ ۚبَلِ اللّٰهُ يَمُنُّ عَلَيْكُمْ اَنْ هَدٰىكُمْ لِلْاِيْمَانِ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٧
Yamunnūna ‘alaika an aslamū, qul lā tamunnū ‘alayya islāmakum, balillāhu yamunnu ‘alaikum an hadākum lil-īmāni in kuntum ṣādiqīn(a).
[17] Maranéhna ngarasa geus ngabogaan jasa ka hidep (Muhammad) alatan maranéhna geus Islam. Pok unggelkeun ku hidep (Muhammad), “Aranjeun ulah rék ngarasa geus miboga jasa ka kuring duméh aranjeun geus Islam, sabenerna mung Allah anu ngalimpahkeun ni’mat ka aranjeun ku jalan nuduhkeun kana kaimanan, upama aranjeun jalma-jalma anu bener.”

اِنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ غَيْبَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌۢ بِمَا تَعْمَلُوْنَ ࣖ١٨
Innallāha ya‘lamu gaibas-samāwāti wal-arḍ(i), wallāhu baṣīrum bimā ta‘malūn(a).
[18] Saleresna Allah Mahauninga kana sagala rupa anu gaib di langit jeung bumi. Allah Maha Ningali kana sagalaanu ku maranéh dipilampah.