Surah Al-Fath

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِنَّا فَتَحْنَا لَكَ فَتْحًا مُّبِيْنًاۙ١
Innā fataḥnā laka fatḥam mubīnā(n).
[1] Sabenerna Kami geus méré ka hidep (Muhammad) kaunggulan anu nyata.

لِّيَغْفِرَ لَكَ اللّٰهُ مَا تَقَدَّمَ مِنْ ذَنْۢبِكَ وَمَا تَاَخَّرَ وَيُتِمَّ نِعْمَتَهٗ عَلَيْكَ وَيَهْدِيَكَ صِرَاطًا مُّسْتَقِيْمًاۙ٢
Liyagfira lakallāhu mā taqaddama min żambika wa mā ta'akhkhara wa yutimma ni‘matahū ‘alaika wa yahdiyaka ṣirāṭam mustaqīmā(n).
[2] (Éta téh) sangkan Allah maparin pangampura ka hidep (Muhammad) tina dosa-dosa hidep anu kapungkur dugi ka anu bakal dongkap, sangkan Mantenna nyampurnakeun ni’mat-Na ka hidep, sangkan maparin pituduh ka hidep kana jalan anu lempeng

وَّيَنْصُرَكَ اللّٰهُ نَصْرًا عَزِيْزًا٣
Wa yanṣurakallāhu naṣran ‘azīzā(n).
[3] jeung sangkan maparin pitulung ka hidep (Muhammad) ku pitulung anu kuat (loba).

هُوَ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ السَّكِيْنَةَ فِيْ قُلُوْبِ الْمُؤْمِنِيْنَ لِيَزْدَادُوْٓا اِيْمَانًا مَّعَ اِيْمَانِهِمْ ۗوَلِلّٰهِ جُنُوْدُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًاۙ٤
Huwal-lażī anzalas-sakīnata fī qulūbil-mu'minīna liyazdādū īmānam ma‘a īmānihim, wa lillāhi junūdus-samāwāti wal-arḍ(i), wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[4] Mantenna kuanjeun anu parantos ngalungsurkeun katenangan kana haté jalma-jalma mu’min sangkan aranjeunna nambahkeun imanna kana imanna (anu geus nyampak). Kagungan Allah wadyabalad langit jeung bumi, sarta Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

لِّيُدْخِلَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا وَيُكَفِّرَ عَنْهُمْ سَيِّاٰتِهِمْۗ وَكَانَ ذٰلِكَ عِنْدَ اللّٰهِ فَوْزًا عَظِيْمًاۙ٥
Liyudkhilal-mu'minīna wal-mu'mināti jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā wa yukaffira ‘anhum sayyi'ātihim, wa kāna żālika ‘indallāhi fauzan ‘aẓīmā(n).
[5] (Allah masihan kaunggulan ogé sangkan) Mantenna ngalebetkeun mu’minin jeung mu’minat ka sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari aranjeunna langgeng di jerona. Mantenna bakal mupus kasalahan-kasalahan aranjeunna. Anu kitu téh mungguhing Allah mah mangrupa kaunggulan anu kacida gedéna,

وَّيُعَذِّبَ الْمُنٰفِقِيْنَ وَالْمُنٰفِقٰتِ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَالْمُشْرِكٰتِ الظَّاۤنِّيْنَ بِاللّٰهِ ظَنَّ السَّوْءِۗ عَلَيْهِمْ دَاۤىِٕرَةُ السَّوْءِۚ وَغَضِبَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ وَلَعَنَهُمْ وَاَعَدَّ لَهُمْ جَهَنَّمَۗ وَسَاۤءَتْ مَصِيْرًا٦
Wa yu‘ażżibal-munāfiqīna wal-munāfiqāti wal-musyrikīna wal-musyrikātiẓ-ẓānnīna billāhi ẓannas-sau'(i), ‘alaihim dā'iratus-sau'(i), wa gaḍiballāhu ‘alaihim wa la‘anahum wa a‘adda lahum jahannam(a), wa sā'at maṣīrā(n).
[6] jeung (sangkan) Mantenna méré siksa ka jalma-jalma munapék, boh lalaki boh awéwé, jeung ka jalma-jalma musrik, boh lalaki boh awéwé, anu nyangka goréng ka Allah. Maranéhna bakal meunang giliran (siksa) anu goréng. Allah bendu sarta ngutuk maranéhna, tur nyadiakeun naraka Jahanam pikeun maranéhna. (Naraka Jahanam) téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.

وَلِلّٰهِ جُنُوْدُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَزِيْزًا حَكِيْمًا٧
Wa lillāhi junūdus-samāwāti wal-arḍ(i), wa kānallāhu ‘azīzan ḥakīmā(n).
[7] Kagungan Allah wadyabalad langit jeung bumi. Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

اِنَّآ اَرْسَلْنٰكَ شَاهِدًا وَّمُبَشِّرًا وَّنَذِيْرًاۙ٨
Innā arsalnāka syāhidaw wa mubasysyiraw wa nażīrā(n).
[8] Sabenerna Kami ngutus hidep (Muhammad) téh minangka jadi saksi, nu mawa béja pikabungaheun, sarta purah méré pépéling,

لِّتُؤْمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَتُعَزِّرُوْهُ وَتُوَقِّرُوْهُۗ وَتُسَبِّحُوْهُ بُكْرَةً وَّاَصِيْلًا٩
Litu'minū billāhi wa rasūlihī wa tu‘azzirūhu wa tuwaqqirūh(u), wa tusabbiḥūhu bukrataw wa aṣīlā(n).
[9] sangkan aranjeun kabéh iman ka Allah katut ka Rasul-Na, nguatkeun (agama)-Na, ngagungkeun Mantenna, turta ngamahasucikeun Mantenna dina wanci isuk-isuk jeung soré.

اِنَّ الَّذِيْنَ يُبَايِعُوْنَكَ اِنَّمَا يُبَايِعُوْنَ اللّٰهَ ۗيَدُ اللّٰهِ فَوْقَ اَيْدِيْهِمْ ۚ فَمَنْ نَّكَثَ فَاِنَّمَا يَنْكُثُ عَلٰى نَفْسِهٖۚ وَمَنْ اَوْفٰى بِمَا عٰهَدَ عَلَيْهُ اللّٰهَ فَسَيُؤْتِيْهِ اَجْرًا عَظِيْمًا ࣖ١٠
Innal-lażīna yubāyi‘ūnaka innamā yubāyi‘ūnallāh(a), yadullāhi fauqa aidīhim, faman nakaṡa fa'innamā yankuṡu ‘alā nafsih(ī), wa man aufā bimā ‘āhada ‘alaihullāha fa sayu'tīhi ajran ‘aẓīmā(n).
[10] Jalma-jalma anu ngedalkeun jangji satia ka hidep (Muhammad), sabenerna aranjeunna téh mung jangji satia ka Allah. Panangan (kakawasaan) Allah di luhureun leungeun (kakawasaan) maranéhna. Ku kituna, saha baé nu ngarempak (kana jangjina), nya sabenerna maranéhna téh geus ngarempak kana (jangjina) sorangan. Saha baé nu nyumponan jangjina ka Allah, nya Mantenna bakal maparin ganjaran anu kacida gedéna.

سَيَقُوْلُ لَكَ الْمُخَلَّفُوْنَ مِنَ الْاَعْرَابِ شَغَلَتْنَآ اَمْوَالُنَا وَاَهْلُوْنَا فَاسْتَغْفِرْ لَنَا ۚيَقُوْلُوْنَ بِاَلْسِنَتِهِمْ مَّا لَيْسَ فِيْ قُلُوْبِهِمْۗ قُلْ فَمَنْ يَّمْلِكُ لَكُمْ مِّنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا اِنْ اَرَادَ بِكُمْ ضَرًّا اَوْ اَرَادَ بِكُمْ نَفْعًا ۗبَلْ كَانَ اللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرًا١١
Sayaqūlu lakal-mukhallafūna minal-a‘rābi syagalatnā amwālunā wa ahlūnā fastagfir lanā, yaqūlūna bi'alsinatihim mā laisa fī qulūbihim, qul famay yamliku lakum minallāhi syai'an in arāda bikum ḍarran au arāda bikum naf‘ā(n), bal kānallāhu bimā ta‘malūna khabīrā(n).
[11] Urang Arab Badawi anu ditinggalkeun (ku sabab embung milu ka Hudaibiyah) bakal ngaromong ka hidep (Muhammad), “Abdi sadaya geus direrepet ku harta banda katut kulawarga abdi sadaya. Ku kituna, mugi anjeun kersa mangnedakeun pangampura keur abdi sadaya.” Maranéhna téh ngomong ku sungutna anu taya dina jero haténa. Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saha anu bisa ngahalangan kersana Allah upama Mantenna ngersakeun kacilakaan atawa kabagjaan pikeun maranéh?” Saleresna Allah Mahauninga kana naon anu dipilampah ku maranéh.

بَلْ ظَنَنْتُمْ اَنْ لَّنْ يَّنْقَلِبَ الرَّسُوْلُ وَالْمُؤْمِنُوْنَ اِلٰٓى اَهْلِيْهِمْ اَبَدًا وَّزُيِّنَ ذٰلِكَ فِيْ قُلُوْبِكُمْ وَظَنَنْتُمْ ظَنَّ السَّوْءِۚ وَكُنْتُمْ قَوْمًاۢ بُوْرًا١٢
Bal ẓanantum allay yanqalibar-rasūlu wal-mu'minūna ilā ahlīhim abadaw wa zuyyina żālika fī qulūbikum wa ẓanantum ẓannas-sau'(i), wa kuntum qaumam būrā(n).
[12] Malah (saméméhna) maranéh nyangka yén Rasul katut mu’minin téh moal bisa mulang deui ka kaluwargana pikeun salawasna. Sangkaan kitu téh dipapaéskeun (ku sétan) dina haté-haté maranéh. Maranéh ogé nyangka ku sangkaan anu goréng. Ku kituna, maranéh jadi kaom anu binasa.

وَمَنْ لَّمْ يُؤْمِنْۢ بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ فَاِنَّآ اَعْتَدْنَا لِلْكٰفِرِيْنَ سَعِيْرًا١٣
Wa mal lam yu'mim billāhi wa rasūlihī fa'innā a‘tadnā lil-kāfirīna sa‘īrā(n).
[13] Saha baé nu teu iman ka Allah jeung Rasul-Na, sabenerna Kami geus nyadiakeun pikeun éta jalma-jalma kapir naraka anu ngaléntab-léntab.

وَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يَغْفِرُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا١٤
Wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), yagfiru limay yasyā'u wa yu‘ażżibu may yasyā'(u), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[14] Kagungan Allah karajaan langit jeung bumi. Mantenna bakal ngahampura jeung maparin siksa ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

سَيَقُوْلُ الْمُخَلَّفُوْنَ اِذَا انْطَلَقْتُمْ اِلٰى مَغَانِمَ لِتَأْخُذُوْهَا ذَرُوْنَا نَتَّبِعْكُمْ ۚ يُرِيْدُوْنَ اَنْ يُّبَدِّلُوْا كَلٰمَ اللّٰهِ ۗ قُلْ لَّنْ تَتَّبِعُوْنَا كَذٰلِكُمْ قَالَ اللّٰهُ مِنْ قَبْلُ ۖفَسَيَقُوْلُوْنَ بَلْ تَحْسُدُوْنَنَا ۗ بَلْ كَانُوْا لَا يَفْقَهُوْنَ اِلَّا قَلِيْلًا١٥
Sayaqūlul-mukhallafūna iżanṭalaqtum ilā magānima lita'khużūhā żarūnā nattabi‘kum, yurīdūna ay yubaddilū kalāmallāh(i), qul lan tattabi‘ūnā każālikum qālallāhu min qabl(u), fasayaqūlūna bal taḥsudūnanā, bal kānū lā yafqahūna illā qalīlā(n).
[15] Lamun seug aranjeun miang pikeun nyokot barang rampasan (perang), urang Badawi anu ditinggalkeun téa bakal ngomong, “Keun wé atuh kuring saréréa ogé milu ka aranjeun.” Maranéhna rék ngarobah jangji Allah. Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Maranéh sama sakali teu (meunang) milu ka kuring saréréa.” Tah kitu nu geus ditetepkeun ku Allah saméméhna. Maranéhna bakal ngajawab, “Sabenerna aranjeun hiri dengki ka kuring saréréa.” Padahal maranéhna teu ngarti iwal ti saeutik pisan.

قُلْ لِّلْمُخَلَّفِيْنَ مِنَ الْاَعْرَابِ سَتُدْعَوْنَ اِلٰى قَوْمٍ اُولِيْ بَأْسٍ شَدِيْدٍ تُقَاتِلُوْنَهُمْ اَوْ يُسْلِمُوْنَ ۚ فَاِنْ تُطِيْعُوْا يُؤْتِكُمُ اللّٰهُ اَجْرًا حَسَنًا ۚ وَاِنْ تَتَوَلَّوْا كَمَا تَوَلَّيْتُمْ مِّنْ قَبْلُ يُعَذِّبْكُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا١٦
Qul lil-mukhallafīna minal-a‘rābi satud‘auna ilā qaumin ulī ba'sin syadīdin tuqātilūnahum au yuslimūn(a), fa'in tuṭī‘ū yu'tikumullāhu ajran ḥasanā(n), wa in tatawallau kamā tawallaitum min qablu yu‘ażżibkum ‘ażāban alīmā(n).
[16] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka urang (Badewi) anu ditinggalkeun téa, “Aranjeun bakal diajak pikeun (merangan) kaom anu boga kakuatan anu rongkah. Aranjeun kudu merangan maranéhna kajaba maranéhna taluk (asup Islam). Upama aranjeun nurut (kana éta pangajak), pasti Allah bakal maparin ganjaran anu hadé ka aranjeun, tapi upama aranjeun ngabalieur siga ngabalieurna aranjeun baréto, pasti Mantenna bakal méré siksaan ka aranjeun ku siksa anu kacida peurihna.”

لَيْسَ عَلَى الْاَعْمٰى حَرَجٌ وَّلَا عَلَى الْاَعْرَجِ حَرَجٌ وَّلَا عَلَى الْمَرِيْضِ حَرَجٌ ۗ وَمَنْ يُّطِعِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ يُدْخِلْهُ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ ۚ وَمَنْ يَّتَوَلَّ يُعَذِّبْهُ عَذَابًا اَلِيْمًا ࣖ١٧
Laisa ‘alal-a‘mā ḥarajuw wa lā ‘alal-a‘raji ḥarajuw wa lā ‘alal-marīḍi ḥaraj(uw), wa may yuṭi‘illāha wa rasūlahū yudkhilhu jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), wa may yatawalla yu‘ażżibhu ‘ażāban alīmā(n).
[17] Henteu dosa pikeun jalma-jalma anu lolong, anu pinceg, jeung anu gering (alatan teu milu perang). Saha baé nu ta’at ka Allah jeung ka Rasul-Na, Mantenna bakal ngasupkeun aranjeunna ka sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Ngan saha baé anu ngabalieur, pasti Mantenna bakal méré siksaan ku siksa anu kacida peurihna.

۞ لَقَدْ رَضِيَ اللّٰهُ عَنِ الْمُؤْمِنِيْنَ اِذْ يُبَايِعُوْنَكَ تَحْتَ الشَّجَرَةِ فَعَلِمَ مَا فِيْ قُلُوْبِهِمْ فَاَنْزَلَ السَّكِيْنَةَ عَلَيْهِمْ وَاَثَابَهُمْ فَتْحًا قَرِيْبًاۙ١٨
Laqad raḍiyallāhu ‘anil-mu'minīna iż yubāyi‘ūnaka taḥtasy-syajarati fa‘alima mā fī qulūbihim fa'anzalas-sakīnata ‘alaihim wa aṡābahum fatḥan qarībā(n).
[18] Saleresna Allah geus mikarido ka mu’minin waktu aranjeunna jangji satia ka hidep (Muhammad) di handapeun tangkal, nya Mantenna uninga kana naon nu aya di jero haténa, lajeng Mantenna maparin katengtreman ka aranjeunna jeung males ku kaunggulan anu deukeut

وَّمَغَانِمَ كَثِيْرَةً يَّأْخُذُوْنَهَا ۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَزِيْزًا حَكِيْمًا١٩
Wa magānima kaṡīratay ya'khużūnahā, wa kānallāhu ‘azīzan ḥakīmā(n).
[19] jeung harta rampasan perang anu kacida lobana anu bisa dicokot ku aranjeunna. Allah salawasna Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَعَدَكُمُ اللّٰهُ مَغَانِمَ كَثِيْرَةً تَأْخُذُوْنَهَا فَعَجَّلَ لَكُمْ هٰذِهٖ وَكَفَّ اَيْدِيَ النَّاسِ عَنْكُمْۚ وَلِتَكُوْنَ اٰيَةً لِّلْمُؤْمِنِيْنَ وَيَهْدِيَكُمْ صِرَاطًا مُّسْتَقِيْمًاۙ٢٠
Wa‘adakumullāhu magānima kaṡīratan ta'khużūnahā fa‘ajjala lakum hāżihī wa kaffa aidiyan-nāsi ‘ankum, wa litakūna āyatal lil-mu'minīna wa yahdiyakum ṣirāṭam mustaqīmā(n).
[20] Allah geus ngajangjikeun ka aranjeun harta rampasan anu kacida lobana anu ku aranjeun tiasa dicandak. Mantenna ngaénggalkeun (harta rampasan perang ieu pikeun aranjeun). 845 Mantenna nahan leungeun-leungeun manusa tina (tarékah ngabinasakeun) aranjeun, sangkan hal éta jadi bukti pikeun jalma-jalma mu'min jeung sangkan Mantenna maparin pituduh ka aranjeun kana jalan anu lempeng.
845) Allah ngajangjikeun harta rampasan perang anu kacida lobana pikeun kaom muslimin. Minangka bubuka, Allah maparinkeunana dina waktu Perang Khaibar.

وَّاُخْرٰى لَمْ تَقْدِرُوْا عَلَيْهَا قَدْ اَحَاطَ اللّٰهُ بِهَا ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرًا٢١
Wa ukhrā lam taqdirū ‘alaihā qad aḥāṭallāhu bihā, wa kānallāhu ‘alā kulli syai'in qadīrā(n).
[21] Ogé (kaunggulan-kaunggulan) lianna ti (nagri-nagri) anu ku aranjeun tacan ditalukkeun, tapi saleresna Allah geus nangtukeun hal éta. Allah Mahakawasa kana sagala urusan.

وَلَوْ قَاتَلَكُمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوَلَّوُا الْاَدْبَارَ ثُمَّ لَا يَجِدُوْنَ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًا٢٢
Wa lau qātalakumul-lażīna kafarū lawallawul-adbāra ṡumma lā yajidūna waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[22] Upama merangan aranjeun, pasti éta jalma-jalma kapir téh éléh. Maranéhna moal manggihan nu nangtayungan jeung nu nulungan.

سُنَّةَ اللّٰهِ الَّتِيْ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلُ ۖوَلَنْ تَجِدَ لِسُنَّةِ اللّٰهِ تَبْدِيْلًا٢٣
Sunnatallāhil-latī qad khalat min qabl(u), wa lan tajida lisunnatillāhi tabdīlā(n).
[23] (Tah kitu) hukum Allah anu geus lumaku ti baheula. Hidep (Muhammad) moal manggihan parobahan kana éta hukum Allah.

وَهُوَ الَّذِيْ كَفَّ اَيْدِيَهُمْ عَنْكُمْ وَاَيْدِيَكُمْ عَنْهُمْ بِبَطْنِ مَكَّةَ مِنْۢ بَعْدِ اَنْ اَظْفَرَكُمْ عَلَيْهِمْ ۗوَكَانَ اللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرًا٢٤
Wa huwal-lażī kaffa aidiyahum ‘ankum wa aidiyakum ‘anhum bibaṭni makkata mim ba‘di an aẓfarakum ‘alaihim, wa kānallāh bimā ta‘malūna baṣīrā(n).
[24] Mantenna anu nahan leungeun-leungeun maranéhna tina (usaha ngabinasakeun) aranjeun, jeung (nahan) leungeun-leungeun aranjeun tina (ngabinasakeun) maranéhna di puseur (kota) Mekah sanggeus Mantenna maparin kaunggulan ka aranjeun ti maranéhna. Allah Maha Ningali kana naon baé anu dipilampah ku aranjeun.

هُمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْكُمْ عَنِ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَالْهَدْيَ مَعْكُوْفًا اَنْ يَّبْلُغَ مَحِلَّهٗ ۚوَلَوْلَا رِجَالٌ مُّؤْمِنُوْنَ وَنِسَاۤءٌ مُّؤْمِنٰتٌ لَّمْ تَعْلَمُوْهُمْ اَنْ تَطَـُٔوْهُمْ فَتُصِيْبَكُمْ مِّنْهُمْ مَّعَرَّةٌ ۢبِغَيْرِ عِلْمٍ ۚ لِيُدْخِلَ اللّٰهُ فِيْ رَحْمَتِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُۚ لَوْ تَزَيَّلُوْا لَعَذَّبْنَا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا٢٥
Humul-lażīna kafarū wa ṣaddūkum ‘anil-masjidil-ḥarāmi wal-hadya ma‘kūfan ay yabluga maḥillah(ū), wa lau lā rijālum mu'minūna wa nisā'um mu'minātul lam ta‘lamūhum an taṭa'ūhum fa tuṣībakum minhum ma‘arratum bigairi ‘ilm(in), liyudkhilallāhu fī raḥmatihī may yasyā'(u), lau tazayyalū la‘ażżabnal-lażīna kafarū minhum ‘ażāban alīmā(n).
[25] Maranéhna pisan jalma-jalma kapir jeung anu ngahalang-halang aranjeun (asup) ka Masjid al-Haram sarta ngahahalang sato korban (hadyu) nepi ka tempat (pameuncitanana). Lamun lain ku lantaran aya sababaraha mu’min lalaki anu jeung mu’min awéwé anu iman anu henteu dikenal ku aranjeun, nepi ka hawatir aranjeun bakal maéhan maranéhna, anu nyebabkeun aranjeun katibanan kasusah bari aranjeun teu sadar, (tangtu Allah moal nahan leungeun-leungeun aranjeun tina ngabinasakeun maranéhna). Sabab, Allah rék ngasupkeun saha baé anu dikersakeun ku Mantenna kana rahmat-Na. Upama maranéhna marisah mah, tangtu Kami bakal nyiksa jalma-jalma kapir ti antara maranéhna ku siksaanu kacida peurihna.

اِذْ جَعَلَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فِيْ قُلُوْبِهِمُ الْحَمِيَّةَ حَمِيَّةَ الْجَاهِلِيَّةِ فَاَنْزَلَ اللّٰهُ سَكِيْنَتَهٗ عَلٰى رَسُوْلِهٖ وَعَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ وَاَلْزَمَهُمْ كَلِمَةَ التَّقْوٰى وَكَانُوْٓا اَحَقَّ بِهَا وَاَهْلَهَا ۗوَكَانَ اللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمًا ࣖ٢٦
Iż ja‘alal-lażīna kafarū fī qulūbihimul-ḥamiyyata ḥamiyyatal-jāhiliyyati fa anzalallāhu sakīnatahū ‘alā rasūlihī wa ‘alal-mu'minīna wa alzamahum kalimatat-taqwā wa kānū aḥaqqa bihā wa ahlahā, wa kānallāhu bikulli syai'in ‘alīmā(n).
[26] (Nyaéta) waktu jalma-jalma kapir melakkeun kasombongan dina haténa, (nyaéta) kasombongan jahiliah, mangka Allah nurunkeun katengtreman ka Rasul-Na jeung ka jalma-jalma mu’min, sarta (Allah) netepkeun ka aranjeunna kalimah takwa, 846 jeung aranjeunna leuwih hak kana éta (kalimah takwa) sarta pantes mibandana. Allah Mahauninga kana sagala urusan.
846) Kalimah takwa téh nyaéta kalimah taohid anu ngamurnikeun dina nyubadanan kata’atan ka Allah.

لَقَدْ صَدَقَ اللّٰهُ رَسُوْلَهُ الرُّءْيَا بِالْحَقِّ ۚ لَتَدْخُلُنَّ الْمَسْجِدَ الْحَرَامَ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ اٰمِنِيْنَۙ مُحَلِّقِيْنَ رُءُوْسَكُمْ وَمُقَصِّرِيْنَۙ لَا تَخَافُوْنَ ۗفَعَلِمَ مَا لَمْ تَعْلَمُوْا فَجَعَلَ مِنْ دُوْنِ ذٰلِكَ فَتْحًا قَرِيْبًا٢٧
Laqad ṣadaqallāhu rasūlahur-ru'yā bil-ḥaqq(i), latadkhulunnal-masjidal-ḥarāma in syā'allāhu āminīn(a), muḥalliqīna ru'ūsakum wa muqaṣṣirīn(a), lā takhāfūn(a), fa‘alima mā lam ta‘lamū faja‘ala min dūni żālika fatḥan qarībā(n).
[27] Saleresna Allah bakal ngabuktikeun ka Rasul-Na ngeunaan benerna impénna, yén saenyana aranjeun pasti bakal asup ka Masjidil Haram, upama Allah ngersakeun dina kaayaan aman, kalayan sirahna dicukur nepi ka lénang jeung rada pondok, sedengkeun aranjeun teu ngarasa sieun. Allah Mahauninga kana naon anu ku aranjeun teu dipikanyaho. Salian ti éta Mantenna maparin kaunggulan anu deukeut. 847
847) Sababaraha waktu sateuacan dilaksanakeun Perjangjian Hudaibiah, Nabi Muhammad Saw. ngimpén yén anjeunna sareng para sahabatna lebet ka kota Mekah jeung Masjidil Haram dina kaayaan sawaréh ti aranjeunna sirahna dicukur (nepi ka lénang) jeung (sawaréhna deui) cukup digunting rada pondok. Nabi nyanggem yén éta impénan téh bakal lumangsung. Terus ieu béja nyebar di antara kaom muslimin, jalma-jalma munapék, Yahudi, katut Nasrani. Saréngséna “Perjangjian Hudaibiah” dilaksanakeun, kaom muslimin dina waktu harita teu bisa asup ka Mekah (pon nya kitu deui Masjidil Haram). Ku kituna, jalma-jalma munapék ngageuhgeuykeun Nabi tur ngomong yén impénan anu dipisanggem ku Rasul pasti lumangsung téh bohong wungkul. Tuluy turun ieu ayat anu ngabéwarakeun yén impénan Nabi pasti bakal lumangsung dina taun anu bakal datang. Upama dina taun lumangsungna Perjangjian Hudaibiah kaom muslimin asup ka kota Mekah, mangka hariwang kasalametan jalma-jalma anu nyumputkeun imanna (anu aya di kota Mekah waktu harita) bakal kaancem kasa(...)

هُوَ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ رَسُوْلَهٗ بِالْهُدٰى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهٗ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهٖ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًا٢٨
Huwal-lażī arsala rasūlahū bil-hudā wa dīnil-ḥaqqi liyuẓhirahū ‘alad-dīni kullih(ī), wa kafā billāhi syahīdā(n).
[28] Mantenna anu ngutus Rasul-Na kalayan mawa pituduh jeung agama anu bener pikeun diunggulkeun ka sakabéh agama. Cukup Allah anu jadi saksi.

مُحَمَّدٌ رَّسُوْلُ اللّٰهِ ۗوَالَّذِيْنَ مَعَهٗٓ اَشِدَّاۤءُ عَلَى الْكُفَّارِ رُحَمَاۤءُ بَيْنَهُمْ تَرٰىهُمْ رُكَّعًا سُجَّدًا يَّبْتَغُوْنَ فَضْلًا مِّنَ اللّٰهِ وَرِضْوَانًا ۖ سِيْمَاهُمْ فِيْ وُجُوْهِهِمْ مِّنْ اَثَرِ السُّجُوْدِ ۗذٰلِكَ مَثَلُهُمْ فِى التَّوْرٰىةِ ۖوَمَثَلُهُمْ فِى الْاِنْجِيْلِۚ كَزَرْعٍ اَخْرَجَ شَطْـَٔهٗ فَاٰزَرَهٗ فَاسْتَغْلَظَ فَاسْتَوٰى عَلٰى سُوْقِهٖ يُعْجِبُ الزُّرَّاعَ لِيَغِيْظَ بِهِمُ الْكُفَّارَ ۗوَعَدَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ مِنْهُمْ مَّغْفِرَةً وَّاَجْرًا عَظِيْمًا ࣖ٢٩
Muḥammadur rasūlullāh(i), wal-lażīna ma‘ahū asyiddā'u ‘alal-kuffāri ruḥamā'u bainahum tarāhum rukka‘an sujjaday yabtagūna faḍlam minallāhi wa riḍwānā(n), sīmāhum fī wujūhihim min aṡaris-sujūd(i), żālika maṡaluhum fit-taurāh(ti), wa maṡaluhum fil-injīl(i), kazar‘in akhraja syaṭ'ahū fa āzarahū fastaglaẓa fastawā ‘alā sūqihī yu‘jibuz-zurrā‘a liyagīẓa bihimul-kuffār(a), wa‘adallāhul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti minhum magfirataw wa ajran ‘aẓīmā(n).
[29] Muhammad téh utusan Allah, jeung jalma-jalma nu babarengan jeung anjeunna miboga sikep heuras ka jalma-jalma kapir, tapi silih pikaasih jeung papada aranjeunna. Katingali ku hidep (Muhammad) aranjeunna ruku’ jeung sujud nyuprih kurnia Allah jeung karidoana-Na. Dina pameunteuna jelas tanda-tanda tapak sujud. Kitu pisan sipat-sipat (anu disebutkeun) dina Torét jeung sipat-sipat (anu disebutkeun) dina Injil, nyaéta saperti pepelakan anu ngaluarkeun sirung, tuluy éta sirung téh nguatan pepelakan, anu saterusna éta sirung ngagedéan jeung ajeg luhureun bongkolna anu matak hélok ka anu melakna, sabab Allah hayang ngajéngkélkeun haté jalma-jalma kapir ku (kakuatan jalma-jalma mu’min). Allah ngajangjikeun ka jalma-jalma anu iman jeung milampah kahadéan pangampura jeung ganjaran anu gedé.