Surah Muhammad

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَضَلَّ اَعْمَالَهُمْ١
Allażīna kafarū wa ṣaddū ‘an sabīlillāhi aḍalla a‘mālahum.
[1] (Pikeun) jalma-jalma nu kupur jeung ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, Mantenna bakal mupus kalakuan maranéhna (tur ngajadikeunana mubah).

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَاٰمَنُوْا بِمَا نُزِّلَ عَلٰى مُحَمَّدٍ وَّهُوَ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّهِمْ ۚ كَفَّرَ عَنْهُمْ سَيِّاٰتِهِمْ وَاَصْلَحَ بَالَهُمْ٢
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa āmanū bimā nuzzila ‘alā muḥammadiw wa huwal-ḥaqqu mir rabbihim, kaffara ‘anhum sayyi'ātihim wa aṣlaḥa bālahum.
[2] Jalma-jalma anu iman (ka Allah), milampah kahadéan, jeung iman kana sagala rupa anu diturunkeun ka Muhammad, nya éta pisan bebeneran ti Pangéran aranjeunna, mangka Allah bakal mupus kasalahan-kasalahan aranjeunna tur mémérés kaayaan aranjeunna.

ذٰلِكَ بِاَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوا اتَّبَعُوا الْبَاطِلَ وَاَنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّبَعُوا الْحَقَّ مِنْ رَّبِّهِمْ ۗ كَذٰلِكَ يَضْرِبُ اللّٰهُ لِلنَّاسِ اَمْثَالَهُمْ٣
Żālika bi'annal-lażīna kafaruttaba‘ul-bāṭila wa annal-lażīna āmanuttaba‘ul-ḥaqqa mir rabbihim, każālika yaḍribullāhu lin-nāsi amṡālahum.
[3] Anu kitu téh lantaran saenyana jalma-jalma kapir mah sok nurut ka anu batil (sasar), jeung lantaran sabenerna jalma-jalma anu iman mah tumutna téh kana bebeneran ti Pangéran aranjeunna. Tah saperti kitu Allah midamel paupamaan-paupamaan pikeun manusa.

فَاِذَا لَقِيْتُمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَضَرْبَ الرِّقَابِۗ حَتّٰٓى اِذَآ اَثْخَنْتُمُوْهُمْ فَشُدُّوا الْوَثَاقَۖ فَاِمَّا مَنًّاۢ بَعْدُ وَاِمَّا فِدَاۤءً حَتّٰى تَضَعَ الْحَرْبُ اَوْزَارَهَا ەۛ ذٰلِكَ ۛ وَلَوْ يَشَاۤءُ اللّٰهُ لَانْتَصَرَ مِنْهُمْ وَلٰكِنْ لِّيَبْلُوَا۟ بَعْضَكُمْ بِبَعْضٍۗ وَالَّذِيْنَ قُتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَلَنْ يُّضِلَّ اَعْمَالَهُمْ٤
Fa iżā laqītumul-lażīna kafarū faḍarbar-riqāb(i), ḥattā iżā aṡkhantumūhum fa syuddul-waṡāq(a), fa'immā mannam ba‘du wa immā fidā'an ḥattā taḍa‘al-ḥarbu auzārahā - żālika - wa lau yasyā'ullāhu lantaṣara minhum wa lākil liyabluwa ba‘ḍakum biba‘ḍ(in), wal-lażīna qutilū fī sabīlillāhi falay yuḍilla a‘mālahum.
[4] Ku kituna, upama aranjeun patepung jeung jalma-jalma kapir (dina pangperangan), pék pancung baé beuheungna! Nepi ka upama aranjeun geus ngéléhkeun maranéhna, pék borogod (tawan) maranéhna. Sanggeus kitu mah aranjeun meunang ngabébaskeun maranéhna atawa narima panebus nepi ka perang réngsé. Tah kitu (katangtuan Allah) téh. Upama ngersakeun mah, tangtos Allah bakal ngabinasakeun maranéhna, tapi (teu kitu), ku margi Allah rék nguji sabagian aranjeun ku anu sabagian deui. Ari jalma-jalma anu perlaya dina jalan Allah, Mantenna moal nyia-nyiakeun amal-amalna.

سَيَهْدِيْهِمْ وَيُصْلِحُ بَالَهُمْۚ٥
Sayahdīhim wa yuṣliḥu bālahum.
[5] Allah bakal maparin pituduh ka aranjeunna jeung mémérés kaayaan aranjeunna.

وَيُدْخِلُهُمُ الْجَنَّةَ عَرَّفَهَا لَهُمْ٦
Wa yudkhiluhumul-jannata ‘arrafahā lahum.
[6] Mantenna ogé bakal ngasupkeun aranjeunna ka sawarga anu pernah diwanohkeun ku Mantenna ka aranjeunna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تَنْصُرُوا اللّٰهَ يَنْصُرْكُمْ وَيُثَبِّتْ اَقْدَامَكُمْ٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū in tanṣurullāha yanṣurkum wa yuṡabbit aqdāmakum.
[7] Hé jalma-jalma anu iman, upama aranjeun ngabéla (agama) Allah, pasti Mantenna bakal nulungan aranjeun sarta netepkeun kalungguhan aranjeun.

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَتَعْسًا لَّهُمْ وَاَضَلَّ اَعْمَالَهُمْ٨
Wal-lażīna kafarū fata‘sal lahum wa aḍalla a‘mālahum.
[8] Kacilakaan pikeun jalma-jalma kapir. Mantenna bakal mupus kalakuan maranéhna (tur ngajadikeunana mubah).

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَرِهُوْا مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ فَاَحْبَطَ اَعْمَالَهُمْ٩
Żālika bi'annahum karihū mā anzalallāhu fa aḥbaṭa a‘mālahum.
[9] Anu kitu téh lantaran saenyana maranéhna ceuceub kana (Al-Qur’an) anu diturunkeun ku Allah, nya Mantenna mupus sakabéh amal maranéhna.

۞ اَفَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ ۗ دَمَّرَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ ۖوَلِلْكٰفِرِيْنَ اَمْثَالُهَا١٠
Afalam yasīrū fil-arḍi fayanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qablihim, dammarallāhu ‘alaihim, wa lil-kāfirīna amṡāluhā.
[10] Naha maranéh henteu kungsi ngalalana di bumi nepi ka bisa niténan kumaha balukarna jalma-jalma anu saméméh maranéh. Allah geus ngabinasakeun maranéhna. Jalma-jalma kapir ogé bakal narima (nasib) saperti kitu.

ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ مَوْلَى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَاَنَّ الْكٰفِرِيْنَ لَا مَوْلٰى لَهُمْ ࣖ١١
Żālika bi'annallāha maulal-lażīna āmanū wa annal-kāfirīna lā maulā lahum.
[11] Anu kitu téh, lantaran saenyana Allah téh anu nangtayungan ka jalma-jalma anu iman, sedengkeun jalma-jalma kapir mah teu bogaeun anu nangtayungan.

اِنَّ اللّٰهَ يُدْخِلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ ۗوَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا يَتَمَتَّعُوْنَ وَيَأْكُلُوْنَ كَمَا تَأْكُلُ الْاَنْعَامُ وَالنَّارُ مَثْوًى لَّهُمْ١٢
Innallāha yudkhilul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), wal-lażīna kafarū yatamatta‘ūna wa ya'kulūna kamā ta'kulul-an‘āmu wan-nāru maṡwal lahum.
[12] Saleresna Allah bakal ngasupkeun jalma-jalma anu iman jeung milampah kahadéan ka jero sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Jalma-jalma kapir mah suka bungahna téh (di dunya) jeung balakécrakan saperti nyatuna sato. Atuh naraka nu bakal jadi padumukanana.

وَكَاَيِّنْ مِّنْ قَرْيَةٍ هِيَ اَشَدُّ قُوَّةً مِّنْ قَرْيَتِكَ الَّتِيْٓ اَخْرَجَتْكَۚ اَهْلَكْنٰهُمْ فَلَا نَاصِرَ لَهُمْ١٣
Wa ka'ayyim min qaryatin hiya asyaddu quwwatam min qaryatikal-latī akhrajatk(a), ahlaknāhum falā nāṣira lahum.
[13] Kacida lobana nagri anu (pangeusina) leuwih kuat batan (pangeusi) nagri hidep (Muhammad) anu geus ngusir ka hidep. Kami geus ngabinasakeun maranéhna, nya taya pisan anu nulungan ka maranéhna.

اَفَمَنْ كَانَ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّهٖ كَمَنْ زُيِّنَ لَهٗ سُوْۤءُ عَمَلِهٖ وَاتَّبَعُوْٓا اَهْوَاۤءَهُمْ١٤
Afaman kāna ‘alā bayyinatim mir rabbihī kaman zuyyina lahū sū'u ‘amalihī wattaba‘ū ahwā'ahum.
[14] Naha jalma anu nyekel kana katerangan ti Pangéranana téh sarua jeung jalma anu nganggap hadé kana amal goréngna tur maranéhna nurut kana hawa napsuna?

مَثَلُ الْجَنَّةِ الَّتِيْ وُعِدَ الْمُتَّقُوْنَ ۗفِيْهَآ اَنْهٰرٌ مِّنْ مَّاۤءٍ غَيْرِ اٰسِنٍۚ وَاَنْهٰرٌ مِّنْ لَّبَنٍ لَّمْ يَتَغَيَّرْ طَعْمُهٗ ۚوَاَنْهٰرٌ مِّنْ خَمْرٍ لَّذَّةٍ لِّلشّٰرِبِيْنَ ەۚ وَاَنْهٰرٌ مِّنْ عَسَلٍ مُّصَفًّى ۗوَلَهُمْ فِيْهَا مِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِ وَمَغْفِرَةٌ مِّنْ رَّبِّهِمْ ۗ كَمَنْ هُوَ خَالِدٌ فِى النَّارِ وَسُقُوْا مَاۤءً حَمِيْمًا فَقَطَّعَ اَمْعَاۤءَهُمْ١٥
Maṡalul-jannatil-latī wu‘idal-muttaqūn(a), fīhā anhārum mim mā'in gairi āsin(in), wa anhārum mil labanil lam yatagayyar ṭa‘muh(ū), wa anhārum min khamril lażżatil lisy-syāribīn(a), wa anhārum min ‘asalim muṣaffā(n), wa lahum fīhā min kulliṡ-ṡamarāti wa magfiratum mir rabbihim, kaman huwa khālidun fin-nāri wa suqū mā'an ḥamīman faqaṭṭa‘a am‘ā'ahum.
[15] Ari paupamaan taman sawarga anu dijangjikeun ka jalma-jalma anu takwa téh (nyaéta) di dinya aya walungan-walungan anu caina henteu payau, aya walungan-walungan tina cai susu anu teu robah rasana, aya walungan-walungan arak anu ngeunah rasana pikeun anu nginumna, jeung aya walungan-walungan tina madu anu murni. Di jerona aranjeunna kénging sagala rupa bubuahan jeung pangampura ti Pangéranana. Naha (jalma-jalma nu takwa téh) sarua jeung jalma-jalma nu langgeng di jero naraka, anu dibéré nginum ku cai anu ngagolak nepi ka peujit-peujitna pegat?

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّسْتَمِعُ اِلَيْكَۚ حَتّٰىٓ اِذَا خَرَجُوْا مِنْ عِنْدِكَ قَالُوْا لِلَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ مَاذَا قَالَ اٰنِفًا ۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ طَبَعَ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ وَاتَّبَعُوْٓا اَهْوَاۤءَهُمْ١٦
Wa minhum may yastami‘u ilaiīk(a), ḥattā iżā kharajū min ‘indika qālū lil-ażīna ūtul-ilma māżā qāla ānifā(n), ulā'ikal-ażīna ṭaba‘allāhu ‘alā qulūbihim wattaba‘ū ahwā'ahum.
[16] Ti antara maranéhna aya anu ngareungeukeun cariosan hidep (Muhammad), tapi upama geus kaluar ti gigireun hidep, pok maranéhna ngomong ka jalma-jalma nu dibéré élmu (sahabat-sahabat Nabi), “Naon anu dicaritakeun ku manéhna bieu?” Maranéhna téh jalma-jalma anu haténa geus dikonci ku Allah jeung geus nurut kana hawa napsuna sorangan.

وَالَّذِيْنَ اهْتَدَوْا زَادَهُمْ هُدًى وَّاٰتٰىهُمْ تَقْوٰىهُمْ١٧
Wal-ażīnahtadau zādahum hudaw wa ātāhum taqwāhum.
[17] Ari (pikeun) jalma-jalma nu meunang pituduh mah, Allah bakal nambahan pituduh ka aranjeunna sarta maparin (wawales) katakwaanana.

فَهَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّا السَّاعَةَ اَنْ تَأْتِيَهُمْ بَغْتَةً ۚ فَقَدْ جَاۤءَ اَشْرَاطُهَا ۚ فَاَنّٰى لَهُمْ اِذَا جَاۤءَتْهُمْ ذِكْرٰىهُمْ١٨
Fahal yanẓurūna illas-ā‘ata an ta'tiyahum bagtah(tan), faqad jā'a asyrāṭuhā, fa'annā lahum iżā jā'athum żikrāhum.
[18] Ku kituna, naon deui anu ku maranéhna (jalma-jalma kapir) ditunggu-tunggu salian ti Poé Kiamat, anu bakal datang ka maranéhna kalayan ngadadak, anu tanda-tandana geus datang? Ku kituna, naon paédahna éling pikeun maranéhna téh lamun Poé Kiamat geus datang?

فَاعْلَمْ اَنَّهٗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ وَاسْتَغْفِرْ لِذَنْۢبِكَ وَلِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِۚ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مُتَقَلَّبَكُمْ وَمَثْوٰىكُمْ ࣖ١٩
Fa‘lam annahū lā ilāha illallāhu wastagfir liżambika wa lil-u'minīna wal-u'mināt(i), wallāhu ya‘lamu mutaqallabakum wa maṡwākum.
[19] Ku kituna, kanyahokeun yén saenyana teu aya deui Pangéran (anu wajib diibadahan) salian ti Allah. Gura ménta pangampura tina dosa-dosa anjeun jeung (dosa-dosana) jalma mu’min, boh lalaki boh awéwé. Allah Mahauninga kana pulang anting jeung padumukan aranjeun.

وَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَوْلَا نُزِّلَتْ سُوْرَةٌ ۚفَاِذَآ اُنْزِلَتْ سُوْرَةٌ مُّحْكَمَةٌ وَّذُكِرَ فِيْهَا الْقِتَالُ ۙرَاَيْتَ الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ يَّنْظُرُوْنَ اِلَيْكَ نَظَرَ الْمَغْشِيِّ عَلَيْهِ مِنَ الْمَوْتِۗ فَاَوْلٰى لَهُمْۚ٢٠
Wa yaqūlul-ażīna āmanū lau lā nuzzilat sūrah(tun), fa iżā unzilat sūratum muḥkamatuw wa żukira fīhal-itāl(u), ra'aital-ażīna fī qulūbihim maraḍuy yanẓurūna ilaika naẓaral-magsyiyyi ‘alaihi minal-maut(i), fa'aulā lahum.
[20] Jalma-jalma anu iman nyarita, “Naha geuning henteu diturunkeun hiji surat (ngeunaan paréntah jihad)? Tapi, upama diturunkeun hiji surah anu jelas maksudna, jeung dina eusina disebut (paréntah) perang, tangtu hidep (Muhammad) bakal nyaksian jalma-jalma anu dina haténa aya panyakitan (munapék) neuteup ka hidep saperti neuteupna jalma anu kapiuhan lantaran sieuneun paéh. Anu kitu leuwih pantes pikeun maranéhna.

طَاعَةٌ وَّقَوْلٌ مَّعْرُوْفٌۗ فَاِذَا عَزَمَ الْاَمْرُۗ فَلَوْ صَدَقُوا اللّٰهَ لَكَانَ خَيْرًا لَّهُمْۚ٢١
Ṭā‘atuw wa qaulum ma‘rūf(un), fa'iżā ‘azamal-amr(u), falau ṣadaqullāha lakāna khairal lahum.
[21] (Anu leuwih hadé pikeun maranéhna nyaéta) ta’at (ka Allah) jeung ucapan anu hadé. Sabab upama paréntah (perang) geus diwajibkeun, (mangka maranéhna henteu mikaresep). Padahal lamun maranéhna bener-bener (iman) ka Allah mah, pasti anu kitu téh leuwih hadé pikeun maranéhna.

فَهَلْ عَسَيْتُمْ اِنْ تَوَلَّيْتُمْ اَنْ تُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِ وَتُقَطِّعُوْٓا اَرْحَامَكُمْ٢٢
Fahal ‘asaitum in tawallaitum an tufsidū fil-arḍi wa tuqaṭṭi‘ū arḥāmakum.
[22] Naha upama geus kumawasa, maranéh rék nyieun karuksakan di bumi jeung megatkeun tali kakulawargaan?

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ لَعَنَهُمُ اللّٰهُ فَاَصَمَّهُمْ وَاَعْمٰٓى اَبْصَارَهُمْ٢٣
Ulā'ikal-lażīna la‘anahumullāhu fa aṣammahum wa a‘mā abṣārahum.
[23] Maranéhna téh jalma-jalma anu dilaknat ku Allah, tuluy ku Mantenna ditorékkeun ceulina jeung dilolongkeun panénjona.

اَفَلَا يَتَدَبَّرُوْنَ الْقُرْاٰنَ اَمْ عَلٰى قُلُوْبٍ اَقْفَالُهَا٢٤
Afalā yatadabbarūnal-qur'āna am ‘alā qulūbin aqfāluhā.
[24] Naha maranéhna henteu niténan Al-Qur’an atawa naha haténa geus dikonci?

اِنَّ الَّذِيْنَ ارْتَدُّوْا عَلٰٓى اَدْبَارِهِمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَا تَبَيَّنَ لَهُمُ الْهُدَى الشَّيْطٰنُ سَوَّلَ لَهُمْۗ وَاَمْلٰى لَهُمْ٢٥
Innal-lażīnartaddū ‘alā adbārihim mim ba‘di mā tabayyana lahumul-hudasy-syaiṭānu sawwala lahum, wa amlā lahum.
[25] Sabenerna jalma-jalma anu malik ka tukang (murtad) sanggeusna pituduh jelas pikeun maranéhna, nya sétan geus ngarayu (babari nyieun dosa) jeung manjangkeun angen-angen maranéhna.

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَالُوْا لِلَّذِيْنَ كَرِهُوْا مَا نَزَّلَ اللّٰهُ سَنُطِيْعُكُمْ فِيْ بَعْضِ الْاَمْرِۚ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ اِسْرَارَهُمْ٢٦
Żālika bi'annahum qālū lil-lażīna karihū mā nazzalallāhu sanuṭī‘ukum fī ba‘ḍil-amr(i), wallāhu ya‘lamu isrārahum.
[26] Anu kitu téh lantaran sabenerna maranéhna (jalma-jalma anu munapék) geus ngomong ka (kaom Yahudi) anu mikaceuceub ka nu diturunkeun ku Allah, “Kuring saréréa bakal nurut ka aranjeun dina sababaraha urusan,” tapi Allah Mahauninga kana rasiah maranéhna.

فَكَيْفَ اِذَا تَوَفَّتْهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ يَضْرِبُوْنَ وُجُوْهَهُمْ وَاَدْبَارَهُمْ٢٧
Fa kaifa iżā tawaffathumul-malā'ikatu yaḍribūna wujūhahum wa adbārahum.
[27] Nya kumaha teuing (nasib maranéhna) upama Malaikat (Maut) nyabut nyawana, sarta nyabokan beungeutna jeung ngagebugan tonggongna?

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمُ اتَّبَعُوْا مَآ اَسْخَطَ اللّٰهَ وَكَرِهُوْا رِضْوَانَهٗ فَاَحْبَطَ اَعْمَالَهُمْ ࣖ٢٨
Żālika bi'annahumuttaba‘ū mā askhaṭallāha wa karihū riḍwānahū fa aḥbaṭa a‘mālahum.
[28] Anu kitu téh lantaran sabenerna maranéhna nurut ka nu matak nimbulkeun bebendon Allah jeung (lantaran) maranéhna mikaceuceub kana (ka nu matak ngadatangkeun) karidoana-Na. Ku kituna, Allah mupus (ganjaran) sagala amal maranéhna.

اَمْ حَسِبَ الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ اَنْ لَّنْ يُّخْرِجَ اللّٰهُ اَضْغَانَهُمْ٢٩
Am ḥasibal-lażīna fī qulūbihim maraḍun allay yukhrijallāhu aḍgānahum.
[29] Atawa naha jalma-jalma anu dina jero haténa aya panyakitan nyangka yén Allah moal ngabolékérkeun hiri dengki maranéhna?

وَلَوْ نَشَاۤءُ لَاَرَيْنٰكَهُمْ فَلَعَرَفْتَهُمْ بِسِيْمٰهُمْ ۗوَلَتَعْرِفَنَّهُمْ فِيْ لَحْنِ الْقَوْلِۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ اَعْمَالَكُمْ٣٠
Wa lau nasyā'u la'arainākahum fala‘araftahum bisīmāhum, wa lata‘rifannahum fī laḥnil-qaul(i), wallāhu ya‘lamu a‘mālakum.
[30] Lamun seug ngersakeun, pasti Kami némbongkeun maranéhna ka hidep (Muhammad) nepi ka hidep bener-bener wanoh ka maranéhna ku tanda-tandana. Ogé nepi ka hidep bener-bener wanoh ku cara ngomongna. Apan Allah mah uningaeun kana tingkah paripolah maranéhna.

وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ حَتّٰى نَعْلَمَ الْمُجٰهِدِيْنَ مِنْكُمْ وَالصّٰبِرِيْنَۙ وَنَبْلُوَا۟ اَخْبَارَكُمْ٣١
Wa lanabluwannakum ḥattā na‘lamal-mujāhidīna minkum waṣ-ṣābirīn(a), wa nabluwa akhbārakum.
[31] Sabenerna Kami bakal nguji maranéh nepi ka Kami nyaho saha jalma-jalma anu bener-bener jihad jeung sabar ti antara maranéh. Kami bakal nguji maranéh ogé pikeun ngabuktikeun (hadé goréngna) kalakuan maranéh.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَشَاۤقُّوا الرَّسُوْلَ مِنْۢ بَعْدِ مَا تَبَيَّنَ لَهُمُ الْهُدٰى لَنْ يَّضُرُّوا اللّٰهَ شَيْـًٔاۗ وَسَيُحْبِطُ اَعْمَالَهُمْ٣٢
Innal-lażīna kafarū wa ṣaddū ‘an sabīlillāhi wa syāqqur-rasūla mim ba‘di mā tabayyana lahumul-hudā lay yaḍurrullāha syai'ā(n), wa sayuḥbiṭu a‘mālahum.
[32] Sabenerna jalma-jalma anu kupur jeung ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah sarta ngamusuhan Rasul sanggeus aya pituduh anu jelas keur maranéhna, maranéhna moal pisan bisa ngamadaratkeun Allah saeutik ogé. Jaga Mantenna bakal mupus (ganjaran) sakabéh amal maranéhna.

۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَ وَلَا تُبْطِلُوْٓا اَعْمَالَكُمْ٣٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū aṭī‘ullāha wa aṭī‘ur-rasūla wa lā tubṭilū a‘mālakum.
[33] Hé jalma-jalma anu iman, sing ta’at ka Allah jeung ka Rasul. Omat aranjeun ulah ngaruksak (ganjaran) amal-amal aranjeun.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ثُمَّ مَاتُوْا وَهُمْ كُفَّارٌ فَلَنْ يَّغْفِرَ اللّٰهُ لَهُمْ٣٤
Innal-lażīna kafarū wa ṣaddū ‘an sabīlillāhi ṡumma mātū wa hum kuffārun falay yagfirallāhu lahum.
[34] Sabenerna jalma-jalma anu kupur jeung ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, tuluy paéh dina kaayaan kupur, nya Allah moal pisan ngahampura ka maranéhna,

فَلَا تَهِنُوْا وَتَدْعُوْٓا اِلَى السَّلْمِۖ وَاَنْتُمُ الْاَعْلَوْنَۗ وَاللّٰهُ مَعَكُمْ وَلَنْ يَّتِرَكُمْ اَعْمَالَكُمْ٣٥
Falā tahinū wa tad‘ū ilas-salm(i), wa antumul-a‘laun(a), wallāhu ma‘akum wa lay yatirakum a‘mālakum.
[35] Omat aranjeun ulah ngarasa hina jeung ngajak daméi (ka jalma munapék). Saenyana aranjeun téh anu leuwih punjul. Allah anu nyarengan aranjeun, sarta Mantenna moal ngurangan (ganjaran) amal aranjeun.

اِنَّمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا لَعِبٌ وَّلَهْوٌ ۗوَاِنْ تُؤْمِنُوْا وَتَتَّقُوْا يُؤْتِكُمْ اُجُوْرَكُمْ وَلَا يَسْـَٔلْكُمْ اَمْوَالَكُمْ٣٦
Innamal-ḥayātud-dun-yā la‘ibuw wa lahw(un), wa in tu'minū wa tattaqū yu'tikum ujūrakum wa lā yas'alkum amwālakum.
[36] Sabenerna kahirupan dunya téh taya lian ngan saukur kaulinan jeung heuheureuyan. Upama aranjeun iman jeung takwa, Allah bakal maparin pirang-pirang ganjaran ka aranjeun. Mantenna moal mundut harta banda aranjeun.

اِنْ يَّسْـَٔلْكُمُوْهَا فَيُحْفِكُمْ تَبْخَلُوْا وَيُخْرِجْ اَضْغَانَكُمْ٣٧
Iy yas'alkumūhā fa yuḥfikum tabkhalū wa yukhrij aḍgānakum.
[37] Saupama Mantenna mundut harta banda aranjeun lajeng maksa aranjeun (sangkan mikeun kabéh harta banda), pasti aranjeun bakal medit (moal mikeun), jeung Mantenna bakal nembrakeun kapeditan aranjeun.

هٰٓاَنْتُمْ هٰٓؤُلَاۤءِ تُدْعَوْنَ لِتُنْفِقُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِۚ فَمِنْكُمْ مَّنْ يَّبْخَلُ ۚوَمَنْ يَّبْخَلْ فَاِنَّمَا يَبْخَلُ عَنْ نَّفْسِهٖ ۗوَاللّٰهُ الْغَنِيُّ وَاَنْتُمُ الْفُقَرَاۤءُ ۗوَاِنْ تَتَوَلَّوْا يَسْتَبْدِلْ قَوْمًا غَيْرَكُمْۙ ثُمَّ لَا يَكُوْنُوْٓا اَمْثَالَكُمْ ࣖ٣٨
Hā antum hā'ulā'i tud‘auna litunfiqū fī sabīlillāh(i), fa minkum may yabkhal(u), wa may yabkhal fa innamā yabkhalu ‘an nafsih(ī), wallāhul-ganiyyu wa antumul-fuqarā'(u), wa in tatawallau yastabdil qauman gairakum, ṡumma lā yakūnū amṡālakum.
[38] Sing inget, aranjeun téh jalma-jalma anu diajak sangkan ngainpakkeun (harta aranjeun) dina jalan Allah. Tuluy ti antara aranjeun aya nu medit. Saha baé anu medit, nya sabenerna manéhna téh pedit kana dirina sorangan. Apan Allah Nu Mahasugih téh, sedengkeun aranjeun mah jalma-jalma anu mibutuh (kurnia Mantenna). Upama aranjeun ngabalieur (tina jalan anu bener), Allah bakal ngaganti (aranjeun) ku kaom anu lian, tuluy maranéhna moal (doraka) kawas aranjeun.