Surah Al-Ahqaf

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1] Ḥā Mīm. 840
840) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

تَنْزِيْلُ الْكِتٰبِ مِنَ اللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْحَكِيْمِ٢
Tanzīlul-kitābi minallāhil ‘azīzil-ḥakīm(i).
[2] Ieu Kitab (Al-Qur’an) diturunkeun ti Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

مَا خَلَقْنَا السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَآ اِلَّا بِالْحَقِّ وَاَجَلٍ مُّسَمًّىۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا عَمَّآ اُنْذِرُوْا مُعْرِضُوْنَ٣
Mā khalaqnas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā illā bil-ḥaqqi wa ajalim musammā(n), wal-lażīna kafarū ‘ammā unżirū mu‘riḍūn(a).
[3] Kami henteu nyiptakeun langit jeung bumi sarta naon anu aya di antarana anging kalayan (tujuan) anu bener jeung dina mangsa anu ditangtukeun. Ngan jalma-jalma kapir mah ngabalieur tina pépéling anu geus disampékeun ka maranéhna.

قُلْ اَرَءَيْتُمْ مَّا تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَرُوْنِيْ مَاذَا خَلَقُوْا مِنَ الْاَرْضِ اَمْ لَهُمْ شِرْكٌ فِى السَّمٰوٰتِ ۖائْتُوْنِيْ بِكِتٰبٍ مِّنْ قَبْلِ هٰذَآ اَوْ اَثٰرَةٍ مِّنْ عِلْمٍ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٤
Qul ara'aitum mā tad‘ūna min dūnillāhi arūnī māżā khalaqū minal-arḍi am lahum syirkun fis-samāwāt(i), i'tūnī bikitābim min qabli hāżā au aṡāratim min ‘ilmin in kuntum ṣādiqīn(a).
[4] Pék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Geura térangkeun (ka kuring) ngeunaan naon-naon anu disembah ku aranjeun salian ti Allah. Témbongkeun ka kuring naon anu geus dijieun ku maranéhna tina ieu bumi téh! Atawa naha maranéhna ulubiung dina (nyiptakeun) langit? Geura bawa ka kuring boh kitab saméméh ieu (Al-Qur’an) atawa titinggalan pangaweruh (jalma-jalma anu baheula) upama enya mah aranjeun jalma-jalma anu bener!”

وَمَنْ اَضَلُّ مِمَّنْ يَّدْعُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَنْ لَّا يَسْتَجِيْبُ لَهٗٓ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ وَهُمْ عَنْ دُعَاۤىِٕهِمْ غٰفِلُوْنَ٥
Wa man aḍallu mimmay yad‘ū min dūnillāhi mal lā yastajību lahū ilā yaumil-qiyāmati wa hum ‘an du‘ā'ihim gāfilūn(a).
[5] Saha anu leuwih sasar tibatan jalma anu nyembah (sesembahan-sesembahan) salian ti Allah, anu (éta sesembahan téh) teu bisa ngabulkan (paménta saeutik ogé) keur manéhna nepi ka Poé Kiamat, tur maranéhna (éta sesembahan téh) henteu miroséa kana paménta jalma-jalma anu nyembahna?

وَاِذَا حُشِرَ النَّاسُ كَانُوْا لَهُمْ اَعْدَاۤءً وَّكَانُوْا بِعِبَادَتِهِمْ كٰفِرِيْنَ٦
Wa iżā ḥusyiran-nāsu kānū lahum a‘dā'aw wa kānū bi‘ibādatihim kāfirīn(a).
[6] Lamun seug manusa dikumpulkeun (dina Poé Kiamat), tangtu éta (sesembahan-sesembahan) téh jadi musuh pikeun maranéhna jeung nolak kana pamujaan anu geus dipilampah ku maranéhna.

وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا بَيِّنٰتٍ قَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَهُمْۙ هٰذَا سِحْرٌ مُّبِيْنٌۗ٧
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyinātin qālal-lażīna kafarū lil-ḥaqqi lammā jā'ahum, hāżā siḥrum mubīn(un).
[7] Lamun seug dibacakeun ayat-ayat Kami anu jelas ka maranéhna, nya jalma-jalma anu ingkar kana bebeneran waktu datang ka maranéhna ngomong kieu, “Ieu mah sihir anu nyata.”

اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰىهُ ۗ قُلْ اِنِ افْتَرَيْتُهٗ فَلَا تَمْلِكُوْنَ لِيْ مِنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا ۗهُوَ اَعْلَمُ بِمَا تُفِيْضُوْنَ فِيْهِۗ كَفٰى بِهٖ شَهِيْدًا ۢ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْ ۗ وَهُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ٨
Am yaqūlūnaftarāh(u), qul iniftaraituh(ū), falā tamlikūna lī minallāhi syai'ā(n), huwa a‘lamu bimā tufīḍūna fīh(i), kafā bihī syahīdam bainī wa bainakum, wa huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[8] Malahan maranéhna ngomong kieu, “Manéhna (Muhammad) geus ngaréka-réka kana éta (Al-Qur’an).” Pék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Upama kuring (bener) ngaréka-réka kana éta (Al-Qur’an), mangka aranjeun moal boga (kakuatan) saeutik ogé pikeun ngahalangan kuring tina (siksa) Allah. Apan Mantenna mah langkung uninga kana sagala anu diobrolkeun ku aranjeun ngeunaan éta (Al-Qur’an). Cukup Mantenna anu jadi saksi antara kuring jeung aranjeun. Mantenna Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”

قُلْ مَا كُنْتُ بِدْعًا مِّنَ الرُّسُلِ وَمَآ اَدْرِيْ مَا يُفْعَلُ بِيْ وَلَا بِكُمْۗ اِنْ اَتَّبِعُ اِلَّا مَا يُوْحٰٓى اِلَيَّ وَمَآ اَنَا۠ اِلَّا نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ٩
Qul mā kuntu bid‘am minar-rusuli wa mā adrī mā yuf‘alu bī wa lā bikum, in attabi‘u illā mā yūḥā ilayya wa mā ana illā nażīrum mubīn(un).
[9] Pék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kuring lain rasul anu munggaran ti antara para rasul. Kuring henteu nyaho naon anu bakal tumiba ka kuring jeung ka aranjeun. Kuring moal rék nurut anging ka nu diwahyukeun ka kuring wungkul. Kuring mah taya lian anging nu purah mépélingan (tur) nu ngajelaskeun.”

قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ كَانَ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ وَكَفَرْتُمْ بِهٖ وَشَهِدَ شَاهِدٌ مِّنْۢ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ عَلٰى مِثْلِهٖ فَاٰمَنَ وَاسْتَكْبَرْتُمْۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ ࣖ١٠
Qul ara'aitum in kāna min ‘indillāhi wa kafartum bihī wa syahida syāhidum mim banī isrā'īla ‘alā miṡlihī fa āmana wastakbartum, innallāha lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[10] ék ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Coba terangkeun ka kuring kumaha pamanggih aranjeun upama éta (Al-Qur’an) téh datangna ti mungguhing Allah, tuluy aranjeun ingkar, padahal geus aya saurang saksi ti Bani Israél anu ngaku (kana bebeneran) anu sarupa jeung (nu kasebut dina) Al-Qur’an tuluy anjeunna iman, 841 sedengkeun ari aranjeun mah geuning ngan kalah ka nyombongkeun diri. Saleresna Allah henteu méré pituduh ka jalma-jalma anu dolim.”
841) Anu dimaksud “saurang ti Bani Israél” téh nyaéta Abdullah ibn Salam. Anjeunna ngedalkeun kaimanana ka Nabi Muhammad Saw. Sanggeus niténan yén ti antara eusi Al-Qur’an aya anu luyu jeung eusi Torét, saperti bagbagan ngeunaan taohid, jangji, ancaman, karasulan Muhammad Saw., ayana kahirupan ahérat, jeung sajabana.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَوْ كَانَ خَيْرًا مَّا سَبَقُوْنَآ اِلَيْهِۗ وَاِذْ لَمْ يَهْتَدُوْا بِهٖ فَسَيَقُوْلُوْنَ هٰذَآ اِفْكٌ قَدِيْمٌ١١
Wa qālal-lażīna kafarū lil-lażīna āmanū lau kāna khairam mā sabaqūnā ilaih(i), wa iż lam yahtadū bihī fasayaqūlūna hāżā ifkun qadīm(un).
[11] Jalma-jalma nu kupur ngomong ngeunaan jalma-jalma anu iman, “Saupama iman kana éta (Al-Qur’an) téh hadé, tangtu maranéhna (kaom muslimin) moal miheulaan kuring saréréa (iman) ka dinya.” 842 (Ayeuna) ku lantaran maranéhna (jalma-jalma anu kupur) téh henteu meunang pituduh kana éta (Al-Qur’an), nya maranéhna kalah ka ngomong kieu, “Ieu mah kabohongan anu geus lawas.”
842) Kaom kapir ngahina ka kaom muslimin ku omongan kieu, “Lamun seug ieu Al-Qur’an téh bener, tangtu kuring saréréa leuwih ti heula iman tibatan maranéhna jalma-jalma anu katalangsara jeung lemah, saperti Bilal, ‘Ammar, Suhaib, Habbab, jeung anu lianna.”

وَمِنْ قَبْلِهٖ كِتٰبُ مُوْسٰٓى اِمَامًا وَّرَحْمَةً ۗوَهٰذَا كِتٰبٌ مُّصَدِّقٌ لِّسَانًا عَرَبِيًّا لِّيُنْذِرَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا ۖوَبُشْرٰى لِلْمُحْسِنِيْنَ١٢
Wa min qablihī kitābu mūsā imāmaw wa raḥmah(tan), wa hāżā kitābum muṣaddiqul lisānan ‘arabiyyal liyunżiral-lażīna ẓalamū, wa busyrā lil-muḥsinīn(a).
[12] Saméméh éta (Al-Qur’an) geus aya kitab Musa (Torét) anu jadi pituduh jeung rahmat. Ieu (Al-Qur’an) téh kitab anu ngaenyakeun (kana éta Kitab Torét) tur nu ngagunakeun basa Arab pikeun mépélingan jalma-jalma nu dolim jeung méré pangbubungah pikeun anu milampah kahadéan.

اِنَّ الَّذِيْنَ قَالُوْا رَبُّنَا اللّٰهُ ثُمَّ اسْتَقَامُوْا فَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَۚ١٣
Innal-lażīna qālū rabbunallāhu ṡummastaqāmū falā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[13] Sabenerna jalma-jalma nu nyarita, “Pangéran kuring saréréa téh Allah,” tuluy panceg, 843 nya moal aya karingrang di aranjeunna. Aranjeunna moal bakal nalangsa (deui).
843) Panceg pamadegan dina taohid sarta tetep milampah amal soléh.

اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۚ جَزَاۤءً ۢبِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٤
Ulā'ika aṣḥābul-jannati khālidīna fīhā, jazā'am bimā kānū ya‘malūn(a).
[14] Aranjeunna téh ahli-ahli sawarga sarta bakal tetep langgeng di dinya, minangka ganjaran pikeun naon anu kungsi dipilampah ku aranjeunna.

وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِ اِحْسَانًا ۗحَمَلَتْهُ اُمُّهٗ كُرْهًا وَّوَضَعَتْهُ كُرْهًا ۗوَحَمْلُهٗ وَفِصٰلُهٗ ثَلٰثُوْنَ شَهْرًا ۗحَتّٰىٓ اِذَا بَلَغَ اَشُدَّهٗ وَبَلَغَ اَرْبَعِيْنَ سَنَةًۙ قَالَ رَبِّ اَوْزِعْنِيْٓ اَنْ اَشْكُرَ نِعْمَتَكَ الَّتِيْٓ اَنْعَمْتَ عَلَيَّ وَعَلٰى وَالِدَيَّ وَاَنْ اَعْمَلَ صَالِحًا تَرْضٰىهُ وَاَصْلِحْ لِيْ فِيْ ذُرِّيَّتِيْۗ اِنِّيْ تُبْتُ اِلَيْكَ وَاِنِّيْ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ١٥
Wa waṣṣainal-insāna biwālidaihi iḥsānā(n), ḥamalathu ummuhū kurhaw wa waḍa‘athu kurhā(n), wa ḥamluhū wa fiṣāluhū ṡalāṡūna syahrā(n), ḥattā iżā balaga asyuddahū wa balaga arba‘īna sanah(tan), qāla rabbi auzi‘nī an asykura ni‘matakal-latī an‘amta ‘alayya wa ‘alā wālidayya wa an a‘mala ṣāliḥan tarḍāhu wa aṣliḥ lī fī żurriyyatī, innī tubtu ilaika wa innī minal-muslimīn(a).
[15] Kami geus ngawasiatkeun ka manusa sangkan nyieun kahadéan ka indung-bapana. Indungna anu geus ngandung jeung ngalahirkeun manéhna kalayan hésé-béléké. Mangsa ngandung jeung disapihna (anu sampurna) téh tilu puluh bulan, nepi ka lamun seug manéhna (éta anak) geus nincak sawawa (déwasa) jeung geus nepi ka umur opat puluh taun, manéhna ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti maparin pituduh ka abdi supados tiasa sukuran kana ni’mat anu ku parantos dikurniakeun ku Gusti ka abdi sareng ka ibu-bapa abdi, sareng supados abdi tiasa milampah kasaéan anu ku Gusti dipikarido. Mugi Gusti maparin kasaéan ka abdi sareng rundayan abdi. Sayaktosna abdi tobat ka Gusti, sareng sayaktosna abdi ti antawis jalmi-jalmi anu sumérah diri (muslim).”

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ نَتَقَبَّلُ عَنْهُمْ اَحْسَنَ مَا عَمِلُوْا وَنَتَجَاوَزُ عَنْ سَيِّاٰتِهِمْ فِيْٓ اَصْحٰبِ الْجَنَّةِۗ وَعْدَ الصِّدْقِ الَّذِيْ كَانُوْا يُوْعَدُوْنَ١٦
Ulā'ikal-lażīna nataqabbalu ‘anhum aḥsana mā ‘amilū wa natajāwazu ‘an sayyi'atihim fī aṣḥābil-jannah(ti), wa‘daṣ-ṣidqil-lażī kānū yū‘adūn(a).
[16] Aranjeunna téh jalma-jama anu ku Kami ditarima kahadéan anu geus dipilampahna, jeung jalma-jalma anu ku Kami dibébaskeun kasalahan-kasalahanana. Aranjeunna bakal jadi ahli sawarga. Éta téh jangji anu bener anu geus dijangjikeun ka aranjeunna.

وَالَّذِيْ قَالَ لِوَالِدَيْهِ اُفٍّ لَّكُمَآ اَتَعِدَانِنِيْٓ اَنْ اُخْرَجَ وَقَدْ خَلَتِ الْقُرُوْنُ مِنْ قَبْلِيْۚ وَهُمَا يَسْتَغِيْثٰنِ اللّٰهَ وَيْلَكَ اٰمِنْ ۖاِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّۚ فَيَقُوْلُ مَا هٰذَآ اِلَّآ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ١٧
Wal-lażī qāla liwālidaihi uffil lakumā ata‘idāninī an ukhraja wa qad khalatil qurūnu min qablī, wa humā yastagīṡānillāha wailaka āmin, inna wa‘dallāhi ḥaqq(un), fayaqūlu mā hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[17] Ari jalma anu nyarita ka indung-bapana, “Ah… 844 Naha aranjeun (indung-bapana) téh maké mépélingan ka kuring yén kuring bakal dihudangkeun (tina kuburan), padahal umat-umat anu saméméh kuring ogé geus paraéh (tapi taya nu balik deui)?” Tuluy indung-bapana neda pitulung ka Allah bari nyebutkeun, “Cilaka manéh, cik atuh geura iman! Sabenerna jangji Allah téh bener!” Tuluy manéhna (anak nu doraka) nempas, “Ieu mah ngan saukur dongéng jalma-jalma baheula.”
844) “Uff (Ah)” nyaéta kecap-kecap, kalimah, atawa isarat anu ngandung maksud nentang (nolak).

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ حَقَّ عَلَيْهِمُ الْقَوْلُ فِيْٓ اُمَمٍ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ ۗاِنَّهُمْ كَانُوْا خٰسِرِيْنَ١٨
Ulā'ikal-lażīna ḥaqqa ‘alaihimul-qaulu fī umamin qad khalat min qablihim minal-jinni wal-ins(i), innahum kānū khāsirīn(a).
[18] Nya maranéhna (nu doraka ka indung-bapana) téh jalma-jalma nu geus pasti bakal ditibanan putusan (siksa) babarengan jeung umat-umat anu saméméh maranéhna ti bangsaning jin jeung manusa. Maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.

وَلِكُلٍّ دَرَجٰتٌ مِّمَّا عَمِلُوْاۚ وَلِيُوَفِّيَهُمْ اَعْمَالَهُمْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ١٩
Wa likullin darajātum mimmā ‘amilū, wa liyuwaffiyahum a‘mālahum wa hum lā yuẓlamūn(a).
[19] Saban jalma meunang darajat luyu jeung naon anu geus dipilampah ku maranéhna, sangkan Allah nyampurnakeun (wawales) tina lalampahanana, bari maranéhna moal didoliman.

وَيَوْمَ يُعْرَضُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا عَلَى النَّارِۗ اَذْهَبْتُمْ طَيِّبٰتِكُمْ فِيْ حَيَاتِكُمُ الدُّنْيَا وَاسْتَمْتَعْتُمْ بِهَاۚ فَالْيَوْمَ تُجْزَوْنَ عَذَابَ الْهُوْنِ بِمَا كُنْتُمْ تَسْتَكْبِرُوْنَ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَبِمَا كُنْتُمْ تَفْسُقُوْنَ ࣖ٢٠
Wa yauma yu‘raḍul-lażīna kafarū ‘alan-nār(i), ażhabtum ṭayyibātikum fī ḥayātikumud-dun-yā wastamta‘tum bihā, fal-yauma tujzauna ‘ażābal-hūni bimā kuntum tastakbirūna fil-arḍi bigairil-ḥaqqi wa bimā kuntum tafsuqūn(a).
[20] (Sing inget kana) poé (nalika) jalma-jalma kapir disanghareupkeun ka naraka (bari dicaritakeun), “Maranéh geus méakkeun rejeki-rejeki nu hadé jeung suka bungah ku éta (rejeki) dina kahirupan dunya, nya dina poé ieu maranéh diwales ku siksa anu matak ngahinakeun lantaran geus adigung (takabur) di bumi tanpa alesan anu bener, jeung lantaran milampah pagawéan pasék.”

۞ وَاذْكُرْ اَخَا عَادٍۗ اِذْ اَنْذَرَ قَوْمَهٗ بِالْاَحْقَافِ وَقَدْ خَلَتِ النُّذُرُ مِنْۢ بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ خَلْفِهٖٓ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّا اللّٰهَ ۗاِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ٢١
Ważkur akhā ‘ād(in), iż anżara qaumahū bil-aḥqāfi wa qad khalatin-nużuru mim baini yadaihi wa min khalfihī allā ta‘budū illallāh(a), innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[21] Sing inget (ngeunaan Hud) dulur (sasukuna) kaom ‘Ad waktu anjeunna méré pépéling ka kaomna di al-Aḥqāf (bukit-bukit keusik); Jeung sabenerna geus ti heula saméméhna jeung sanggeusna sababaraha urang anu purah méré pépéling (kalayan ngedalkeun), “Poma aranjeun ulah pisan ibadah ka salian ti Allah. Sabenerna kuring hariwang bisi tumiba ka aranjeun siksaan dina poé nu kacida rongkahna (Poé Kiamat).”

قَالُوْٓا اَجِئْتَنَا لِتَأْفِكَنَا عَنْ اٰلِهَتِنَاۚ فَأْتِنَا بِمَا تَعِدُنَآ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٢٢
Qālū aji'tanā lita'fikanā ‘an ālihatinā fa'tinā bimā ta‘idunā in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[22] Maranéhna (kaom ‘Ad) ngajawab, “Naha anjeun datang téh pikeun méngparkeun kuring saréréa tina sesembahan-sesembahan kuring saréréa? Sok atuh geura ngadatangkeun ka kuring saréréa siksa anu kungsi diancemkeun ka kuring saréréa upama enya mah anjeun jalma bener.”

قَالَ اِنَّمَا الْعِلْمُ عِنْدَ اللّٰهِ ۖوَاُبَلِّغُكُمْ مَّآ اُرْسِلْتُ بِهٖ وَلٰكِنِّيْٓ اَرٰىكُمْ قَوْمًا تَجْهَلُوْنَ٢٣
Qāla innamal ‘ilmu ‘indallāh(i), wa uballigukum mā ursiltu bihī wa lākinnī arākum qauman tajhalūn(a).
[23] (Hud) nyanggem, “Sabenerna pangaweruh (ngeunaan éta) mung di mungguhing Mantenna, da kuring mah (sakadar) diutus pikeun mangnepikeun ka aranjeun naon anu diwahyukeun ka kuring, tapi kuring niténan aranjeun téh geuning kaom anu milampah kabodoan.”

فَلَمَّا رَاَوْهُ عَارِضًا مُّسْتَقْبِلَ اَوْدِيَتِهِمْ قَالُوْا هٰذَا عَارِضٌ مُّمْطِرُنَا ۗبَلْ هُوَ مَا اسْتَعْجَلْتُمْ بِهٖ ۗرِيْحٌ فِيْهَا عَذَابٌ اَلِيْمٌۙ٢٤
Falammā ra'auhu ‘āriḍam mustaqbila audiyatihim, qālū hāżā ‘āriḍum mumṭirunā, bal huwa masta‘jaltum bih(ī), rīḥun fīhā ‘ażābun alīm(un).
[24] Nya barang maranéhna (kaom ‘Ad) nempo éta (siksa) mangrupa mega hideung anu nyampeur ka léngkob-léngkobna, maranéhna ngomong, “Ieu mah méga anu bakal nurunkeun cai hujan ka kuring saréréa.” (Lain!) sabenerna éta téh siksa anu ku maranéh dipénta sangkan diburu-burukeun téa, (nyaéta) angin anu mawa siksa anu kacida peurihna,

تُدَمِّرُ كُلَّ شَيْءٍۢ بِاَمْرِ رَبِّهَا فَاَصْبَحُوْا لَا يُرٰىٓ اِلَّا مَسٰكِنُهُمْۗ كَذٰلِكَ نَجْزِى الْقَوْمَ الْمُجْرِمِيْنَ٢٥
Tudammiru kulla syai'im bi'amri rabbihā fa'aṣbaḥū lā yurā illā masākinuhum, każālika najzil-qaumal-mujrimīn(a).
[25] anu ngabinasakeun sagalana kalayan paréntah Pangéranana, nepi ka maranéhna teu katémbong deui (di bumi) salian ti (sésa-sésa) pamundukanana. Tah kitu Kami bakal ngawales ka kaom anu doraka téh.

وَلَقَدْ مَكَّنّٰهُمْ فِيْمَآ اِنْ مَّكَّنّٰكُمْ فِيْهِ وَجَعَلْنَا لَهُمْ سَمْعًا وَّاَبْصَارًا وَّاَفْـِٕدَةًۖ فَمَآ اَغْنٰى عَنْهُمْ سَمْعُهُمْ وَلَآ اَبْصَارُهُمْ وَلَآ اَفْـِٕدَتُهُمْ مِّنْ شَيْءٍ اِذْ كَانُوْا يَجْحَدُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ٢٦
Wa laqad makkannāhum fīmā im makkannākum fīhi wa ja‘alnā lahum sam‘aw wa abṣāraw wa af'idah(tan), famā agnā ‘anhum sam‘uhum wa lā abṣāruhum wa lā af'idatuhum min syai'in iż kānū yajḥadūna bi'āyātillāhi wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[26] Sabenerna Kami geus neguhkeun kalungguhan maranéhna (kaom ‘Ad, ku kama’muran jeung kakuatan) anu can kungsi dibikeun ka aranjeun. Kami geus ngalengkepan keur maranéhna pangdéngé, panenjo, jeung haté; tapi pangdéngéna, panénjona, jeung haténa taya gunana saeutik ogé keur maranéhna, lantaran maranéhna salawasna ingkar kana ayat-ayat Allah jeung maranéhna geus dilimpudan ku (ancaman) siksa anu kungsi baheula disempalguyonkeun ku maranéhna.

وَلَقَدْ اَهْلَكْنَا مَا حَوْلَكُمْ مِّنَ الْقُرٰى وَصَرَّفْنَا الْاٰيٰتِ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ٢٧
Wa laqad ahlaknā mā ḥaulakum minal-qurā wa ṣarrafnal-āyāti la‘allahum yarji‘ūn(a).
[27] Tétéla Kami geus ngabinasakeun nagri-nagri anu di sabudeureun aranjeun sarta Kami geus sababaraha kali ngajelaskeun tanda-tanda (kakawasaan Kami) sangkan maranéhna mulang (tobat).

فَلَوْلَا نَصَرَهُمُ الَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ قُرْبَانًا اٰلِهَةً ۗبَلْ ضَلُّوْا عَنْهُمْۚ وَذٰلِكَ اِفْكُهُمْ وَمَا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ٢٨
Falau lā naṣarahumul-lażīnattakhażū min dūnillāhi qurbānan ālihah(tan), bal ḍallū ‘anhum, wa żālika ifkuhum wa mā kānū yaftarūn(a).
[28] Naha geuning bet (berhala-berhala jeung pangéran-pangéran) anu ku maranéh disembah salian ti Allah pikeun ngadeukeutkeun diri (ka Kami) téh henteu bisa nulungan ka maranéhna? Malahan éta sesembahan-sesembahan téh kalah ka ngaleungit ti maranéhna? Éta téh akibat kabohongan maranéhna jeung lantaran naon-naon anu baheula diaya-ayakeun ku maranéhna.

وَاِذْ صَرَفْنَآ اِلَيْكَ نَفَرًا مِّنَ الْجِنِّ يَسْتَمِعُوْنَ الْقُرْاٰنَۚ فَلَمَّا حَضَرُوْهُ قَالُوْٓا اَنْصِتُوْاۚ فَلَمَّا قُضِيَ وَلَّوْا اِلٰى قَوْمِهِمْ مُّنْذِرِيْنَ٢٩
Wa iż ṣarafnā ilaika nafaram minal-jinni yastami‘ūnal-qur'ān(a), falammā ḥaḍarūhu qālū anṣitū, falammā quḍiya wallau ilā qaumihim munżirīn(a).
[29] Sing inget waktu Kami nyanghareupkeun sagolongan ti bangsa Jin ka hidep (Muhammad) anu mireungeukeun (aosan) Al-Qur’an. Nya waktu maranéhna ngahadiran (éta aosan), maranéhna cumarita, “Geura caricing tur raregepkeun (éta aosan)!” Waktu Al-Qur’an réngsé diaos, maranéhna mulang ka kaomna (pikeun) méré pépéling.

قَالُوْا يٰقَوْمَنَآ اِنَّا سَمِعْنَا كِتٰبًا اُنْزِلَ مِنْۢ بَعْدِ مُوْسٰى مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ يَهْدِيْٓ اِلَى الْحَقِّ وَاِلٰى طَرِيْقٍ مُّسْتَقِيْمٍ٣٠
Qālū yā qaumanā innā sami‘nā kitāban unzila mim ba‘di mūsā muṣaddiqal limā baina yadaihi yahdī ilal-ḥaqqi wa ilā ṭarīqim mustaqīm(in).
[30] Maranéhna (ti bangsa Jin) cumarita, “Hé kaom kuring saréréa, sabenerna kuring saréréa geus ngadéngékeun kitab (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun sanggeusna Musa anu ngaenyakeun (kitab-kitab) nu saméméhna. Éta Kitab téh méré pituduh kana bebeneran jeung kana jalan nu lempeng.

يٰقَوْمَنَآ اَجِيْبُوْا دَاعِيَ اللّٰهِ وَاٰمِنُوْا بِهٖ يَغْفِرْ لَكُمْ مِّنْ ذُنُوْبِكُمْ وَيُجِرْكُمْ مِّنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ٣١
Yā qaumanā ajībū dā‘iyallāhi wa āminū bihī yagfir lakum min żunūbikum wa yujirkum min ‘ażābin alīm(in).
[31] Hé kaom kuring saréréa, geura tarima (panggero) jalma (Muhammad) anu umajak ka Allah, sarta geura iman ka Mantenna, tangtu Mantenna bakal ngahampura dosa-dosa aranjeun jeung bakal nyalametkeun aranjeun tina siksa anu kacida peurihna.

وَمَنْ لَّا يُجِبْ دَاعِيَ اللّٰهِ فَلَيْسَ بِمُعْجِزٍ فِى الْاَرْضِ وَلَيْسَ لَهٗ مِنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءُ ۗ اُولٰۤىِٕكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٣٢
Wa mal lā yujib dā‘iyallāhi falaisa bimu‘jizin fil-arḍi wa laisa lahū min dūnihī auliyā'(u), ulā'ika fī ḍalālim mubīn(in).
[32] Saha baé anu teu narima (panggero) jalma anu umajak ka Allah, nya manéhna moal pisan bisa ngaleupaskeun diri (tina siksa Allah) di bumi, padahal moal aya nu bisa nangtayungan ka maranéhna salian ti Mantenna. Maranéhna téh aya dina kasasaran anu nyata.”

اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّ اللّٰهَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَلَمْ يَعْيَ بِخَلْقِهِنَّ بِقٰدِرٍ عَلٰٓى اَنْ يُّحْيِ َۧ الْمَوْتٰى ۗبَلٰٓى اِنَّهٗ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٣٣
Awalam yarau annallāhal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa lam ya‘ya bikhalqihinna biqādirin ‘alā ay yuḥyiyal-mautā, balā innahū ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[33] Naha maranéhna henteu niténan yén saleresna Allah anu nyiptakeun langit jeung bumi, henteu ngaraos répot ku nyiptakeunana, tur Mantenna Mahakawasa ngahirupkeun anu geus maot? Tah kitu pisan. Saleresna Mantenna Mahakawasa kana sagala perkara.

وَيَوْمَ يُعْرَضُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا عَلَى النَّارِۗ اَلَيْسَ هٰذَا بِالْحَقِّ ۗ قَالُوْا بَلٰى وَرَبِّنَا ۗقَالَ فَذُوْقُوا الْعَذَابَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْفُرُوْنَ٣٤
Wa yauma yu‘raḍul-lażīna kafarū ‘alan-nār(i), alaisa hāżā bil-ḥaqq(i), qālū balā wa rabbinā, qāla fażūqul-‘ażāba bimā kuntum takfurūn(a).
[34] (Sing inget) kana poé (nalika) jalma-jalma kapir disanghareupkeun kana naraka. (Maranéhna ditanya), “Lainna ieu (siksa) téh bener?” Maranéhna ngajawab, “Leres, demi Pangéran abdi sadaya!” Allah ngadawuh, “Ku kituna, pék atuh geura rasakeun ieu siksa alatan maranéh baheula ingkar.”

فَاصْبِرْ كَمَا صَبَرَ اُولُوا الْعَزْمِ مِنَ الرُّسُلِ وَلَا تَسْتَعْجِلْ لَّهُمْ ۗ كَاَنَّهُمْ يَوْمَ يَرَوْنَ مَا يُوْعَدُوْنَۙ لَمْ يَلْبَثُوْٓا اِلَّا سَاعَةً مِّنْ نَّهَارٍ ۗ بَلٰغٌ ۚفَهَلْ يُهْلَكُ اِلَّا الْقَوْمُ الْفٰسِقُوْنَ ࣖ٣٥
Faṣbir kamā ṣabara ulul-‘azmi minar-rusuli wa lā tasta‘jil lahum, ka'annahum yauma yarauna mā yū‘adūn(a), lam yalbaṡū illā sā‘atam min nahār(in), balāg(un), fahal yuhlaku illal-qaumul-fāsiqūn(a).
[35] Ku kituna, sing sabar hidep (Muhammad) sakumaha sabarna rasul-rasul anu mibanda kapengkuhan haté, jeung poma hidep ulah ménta buru-buru (siksa) tumiba pikeun maranéhna. Dina poéan nempo siksa anu geus dijangjikeun, maranéhna ngarasa saolah-olah henteu kungsi matuh (di dunya) anging sakeudeung dina mangsa beurang. Nya moal aya anu dibinasakeun salian ti jalma-jalma anu pasék (teu ta’at ka Allah).