Surah Al-Jasiyah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1]
Ḥā Mīm. 837
837) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
تَنْزِيْلُ الْكِتٰبِ مِنَ اللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْحَكِيْمِ٢
Tanzīlul-kitābi minallāhil-‘azīzil-ḥakīm(i).
[2]
Ieu kitab (Al-Qur’an) diturunkeun (kalayan sabagian-sabagian) ti Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
اِنَّ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ لَاٰيٰتٍ لِّلْمُؤْمِنِيْنَۗ٣
Inna fis-samāwāti wal-arḍi la'āyātil lil-mu'minīn(a).
[3]
Sabenerna di langit jeung bumi téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun jalma-jalma anu iman.
وَفِيْ خَلْقِكُمْ وَمَا يَبُثُّ مِنْ دَاۤبَّةٍ اٰيٰتٌ لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَۙ٤
Wa fī khalqikum wa mā yabuṡṡu min dābbatin āyātul liqaumiy yūqinūn(a).
[4]
Dina diciptakeunana aranjeun jeung mahluk anu kumarayap tur harirup anu sumebar (di bumi) téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun jalma anu yakin.
وَاخْتِلَافِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ مِنَ السَّمَاۤءِ مِنْ رِّزْقٍ فَاَحْيَا بِهِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا وَتَصْرِيْفِ الرِّيٰحِ اٰيٰتٌ لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٥
Wakhtilāfil-laili wan-nahāri wa mā anzalallāhu minas-samā'i mir rizqin fa aḥyā bihil-arḍa ba‘da mautihā wa taṣrīfir-riyāḥi āyātul liqaumiy ya‘qilūn(a).
[5]
Kitu deui dina silih-gantina peuting jeung beurang, dina cai hujan anu diturunkeun ku Allah ti langit, tuluy ku éta cai Mantenna ngahirupkeun bumi sanggeus maotna (garing), jeung dina ngahiliwirna angin aya ogé tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun jalma-jalma nu mikir.
تِلْكَ اٰيٰتُ اللّٰهِ نَتْلُوْهَا عَلَيْكَ بِالْحَقِّۚ فَبِاَيِّ حَدِيْثٍۢ بَعْدَ اللّٰهِ وَاٰيٰتِهٖ يُؤْمِنُوْنَ٦
Tilka āyātullāhi natlūhā ‘alaika bil-ḥaqq(i), fa bi'ayyi ḥadīṡim ba‘dallāhi wa āyātihī yu'minūn(a).
[6]
Éta téh ayat-ayat Pangéran anu ku Kami dibacakeun ka hidep (Muhammad) kalayan sabenerna. Terus kana dawuhan anu mana deui maranéh rék iman (percaya) téh salian ti ka dawuhan Allah jeung kana ayat-ayat-Na?
وَيْلٌ لِّكُلِّ اَفَّاكٍ اَثِيْمٍۙ٧
Wailul likulli affākin aṡīm(in).
[7]
Kacilakaan pikeun jalma tukang ngabohong jeung pinuh ku dosa,
يَّسْمَعُ اٰيٰتِ اللّٰهِ تُتْلٰى عَلَيْهِ ثُمَّ يُصِرُّ مُسْتَكْبِرًا كَاَنْ لَّمْ يَسْمَعْهَاۚ فَبَشِّرْهُ بِعَذَابٍ اَلِيْمٍ٨
Yasma‘u āyātillāhi tutlā ‘alaihi ṡumma yuṣirru mustakbiran ka'allam yasma‘hā, fa basysyirhu bi‘ażābin alīm(in).
[8]
nyaéta) jalma anu ngadéngé ayat-ayat Allah waktu dibacakeun ka manéhna, ngan manéhna tetep tonggoy (adigung) api-api teu ngadéngé kana éta (ayat). Atuh pék geura béré pépéling manéhna ku siksa anu kacida peurihna.
وَاِذَا عَلِمَ مِنْ اٰيٰتِنَا شَيْـًٔا ۨاتَّخَذَهَا هُزُوًاۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ مُّهِيْنٌۗ٩
Wa iżā ‘alima min āyātinā syai'anittakhażahā huzuwā(n), ulā'ika lahum ‘ażābum muhīn(un).
[9]
Lamun seug manéhna nyahoen saeutik baé kana ayat-ayat Kami, éta (ayat-ayat) téh engké dihareureuykeun. Nya maranéhna bakal meunang siksaan anu kacida ngahinakeun.
مِنْ وَّرَاۤىِٕهِمْ جَهَنَّمُ ۚوَلَا يُغْنِيْ عَنْهُمْ مَّا كَسَبُوْا شَيْـًٔا وَّلَا مَا اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَوْلِيَاۤءَۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌۗ١٠
Miw warā'ihim jahannam(u), wa lā yugnī ‘anhum mā kasabū syai'aw wa lā mattakhażū min dūnillāhi auliyā'(a), wa lahum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[10]
Di hareupeun maranéhna téh naraka Jahanam. Taya gunana pikeun maranéhna saeutik ogé naon anu geus diusahakeun ku maranéhna. Kitu deui taya gunana naon anu dijadikeun panyalindungan (sesembahan) ku maranéhna salian ti Allah. Maranéhna bakal meunang siksa anu kacida rongkahna.
هٰذَا هُدًىۚ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ لَهُمْ عَذَابٌ مِّنْ رِّجْزٍ اَلِيْمٌ ࣖ١١
Hāżā hudā(n), wal-lażīna kafarū bi'āyāti rabbihim lahum ‘ażābum mir rijzin alīm(un).
[11]
Ieu (Al-Qur’an) téh pituduh. Jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Pangéranana bakal meunang siksa mangrupa siksaan anu kacida peurihna.
۞ اَللّٰهُ الَّذِيْ سَخَّرَ لَكُمُ الْبَحْرَ لِتَجْرِيَ الْفُلْكُ فِيْهِ بِاَمْرِهٖ وَلِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَۚ١٢
Allāhul-lażī sakhkhara lakumul-baḥra litajriyal-fulku fīhi bi'amrihī wa litabtagū min faḍlihī wa la‘allakum tasykurūn(a).
[12]
Allah anu nungkulkeun lautan pikeun aranjeun sangkan parahu-parahu bisa lalayaran di luhureunana ku paréntah-Na, jeung sangkan aranjeun bisa balangsiar sawaréh kurnia-Na sangkan aranjeun sukuran.
وَسَخَّرَ لَكُمْ مَّا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا مِّنْهُ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ١٣
Wa sakhkhara lakum mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍi jamī‘am minh(u), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yatafakkarūn(a).
[13]
Mantenna geus nungkulkeun naon nu aya di langit jeung bumi. Kabéhanan pikeun aranjeun (minangka rahmat) ti Mantenna. Sabenerna dina éta perkara téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun kaom anu mikir.
قُلْ لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يَغْفِرُوْا لِلَّذِيْنَ لَا يَرْجُوْنَ اَيَّامَ اللّٰهِ لِيَجْزِيَ قَوْمًا ۢبِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ١٤
Qul lil-lażīna āmanū yagfirū lil-lażīna lā yarjūna ayyāmallāhi liyajziya qaumam bimā kānū yaksibūn(a).
[14]
Pok kedalkeun ku hidep (Muhammad) ka jalma-jalma anu iman sangkan aranjeunna ngahampura baé ka jalma-jalma anu teu sieun ku poé-poé Allah, 838 lantaran Mantenna bakal ngawales ka hiji kaom tina naon anu kungsi dipilampah ku maranéhna.
838) Poé-poé waktu Allah nibankeun siksa ka maranéhna.
مَنْ عَمِلَ صَالِحًا فَلِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ اَسَاۤءَ فَعَلَيْهَا ۖ ثُمَّ اِلٰى رَبِّكُمْ تُرْجَعُوْنَ١٥
Man ‘amila ṣāliḥan fa linafsih(ī), wa man asā'a fa ‘alaihā, ṡumma ilā rabbikum turja‘ūn(a).
[15]
Saha baé anu milampah amal soléh, nya (ganjaranana) pikeun dirina sorangan. Saha baé nu migawé kagoréngan, nya (wawalesna) ogé pikeun dirina sorangan, tuluy nya ka Pangéran wungkul maranéh bakal dipulangkeun.
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ الْكِتٰبَ وَالْحُكْمَ وَالنُّبُوَّةَ وَرَزَقْنٰهُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِ وَفَضَّلْنٰهُمْ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ ۚ١٦
Wa laqad ātainā banī isrā'īlal-kitāba wal-ḥukma wan-nubuwwata wa razaqnāhum minaṭ-ṭayyibāti wa faḍḍalnāhum ‘alal-‘ālamīn(a).
[16]
Sabenerna Kami geus méré ka Bani Israél téh Kitab (Torét), hukum, jeung kanabian. Kami ogé geus méré ka maranéhna rejeki-rejeki nu hadé tur ngunggulkeun maranéhna batan bangsa-bangsa séjéna (dina mangsa harita).
وَاٰتَيْنٰهُمْ بَيِّنٰتٍ مِّنَ الْاَمْرِۚ فَمَا اخْتَلَفُوْٓا اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَهُمُ الْعِلْمُ بَغْيًاۢ بَيْنَهُمْ ۗاِنَّ رَبَّكَ يَقْضِيْ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ١٧
Wa ātaināhum bayyinātim minal-amr(i), fa makhtalafū illā mim ba‘di mā jā'ahumul-‘ilmu bagyam bainahum, inna rabbaka yaqḍī bainahum yaumal-qiyāmati fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[17]
Kami ogé geus méré ka maranéhna katerangan-katerangan anu jelas ngeunaan urusan (agama). Nya maranéhna henteu pasalia (paham) anging sanggeus datang ka maranéhna kanyaho lantaran ngarasa dengki (anu aya) di antara maranéhna. Saleresna Pangéran hidep (Muhammad) bakal nibankeun putusan dina Poé Kiamat ka maranéhna tina naon anu salawasna dipacéngkadkeun ku maranéhna.
ثُمَّ جَعَلْنٰكَ عَلٰى شَرِيْعَةٍ مِّنَ الْاَمْرِ فَاتَّبِعْهَا وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَ الَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ١٨
Ṡumma ja‘alnāka ‘alā syarī‘atim minal-amri fattabi‘hā wa lā tattabi‘ ahwā'al-lażīna lā ya‘lamūn(a).
[18]
Tuluy Kami ngajadikeun hidep (Muhammad) nurut saréat (aturan) éta agama. Ku kituna, geura turut éta (saréat) téh jeung omat hidep ulah rék nurutkeun hawa napsu jalma-jalma anu henteu nyahoeun.
اِنَّهُمْ لَنْ يُّغْنُوْا عَنْكَ مِنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا ۗوَاِنَّ الظّٰلِمِيْنَ بَعْضُهُمْ اَوْلِيَاۤءُ بَعْضٍۚ وَاللّٰهُ وَلِيُّ الْمُتَّقِيْنَ١٩
Innahum lay yugnū ‘anka minallāhi syai'ā(n), wa innaẓ-ẓālimīna ba‘ḍuhum auliyā'u ba‘ḍ(in), wallāhu waliyyul-muttaqīn(a).
[19]
Saenyana maranéhna teu pisan-pisan moal bisa ngahalangan hidep (Muhammad) saeutik ogé tina (siksa) Allah. Saenyana sawaréhna ti jalma-jalma anu dolim téh jadi tempat panyalindungan pikeun sawaréhna deui, sedengkeun Allah mah tempat nyalindungna jalma-jalma anu takwa.
هٰذَا بَصَاۤىِٕرُ لِلنَّاسِ وَهُدًى وَّرَحْمَةٌ لِّقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ٢٠
Hāżā baṣā'iru lin-nāsi wa hudaw wa raḥmatul liqaumiy yūqinūn(a).
[20]
Ieu (Al-Qur’an) téh padoman pikeun manusa, (sarta) pituduh jeung rahmat pikeun kaom anu yakin.
اَمْ حَسِبَ الَّذِيْنَ اجْتَرَحُوا السَّيِّاٰتِ اَنْ نَّجْعَلَهُمْ كَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ سَوَاۤءً مَّحْيَاهُمْ وَمَمَاتُهُمْ ۗسَاۤءَ مَا يَحْكُمُوْنَ ࣖࣖ٢١
Am ḥasibal-lażīnajtaraḥus -sayyi'āti an naj‘alahum kal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti sawā'am maḥyāhum wa mamātuhum, sā'a mā yaḥkumūn(a).
[21]
Naha jalma-jalma nu milampah kagoréngan téh nyangka yén Kami bakal ngajadikeun maranéhna saperti jalma-jalma anu iman jeung milampah amal soléh, nyaéta sarua waktu hirup jeung paéhna? Kacida goréngna sangkaan maranéhna téh.
وَخَلَقَ اللّٰهُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّ وَلِتُجْزٰى كُلُّ نَفْسٍۢ بِمَا كَسَبَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٢٢
Wa khalaqallāhus-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqqi wa litujzā kullu nafsim bimā kasabat wa hum lā yuẓlamūn(a).
[22]
Allah nu nyiptakeun langit jeung bumi kalayan tujuan anu bener, sangkan saban-saban diri (jiwa) meunang wawales anu satimpal jeung naon anu geus dipilampah ku maranéhna, sarta maranéhna moal dirugikeun (saeutik ogé).
اَفَرَءَيْتَ مَنِ اتَّخَذَ اِلٰهَهٗ هَوٰىهُ وَاَضَلَّهُ اللّٰهُ عَلٰى عِلْمٍ وَّخَتَمَ عَلٰى سَمْعِهٖ وَقَلْبِهٖ وَجَعَلَ عَلٰى بَصَرِهٖ غِشٰوَةًۗ فَمَنْ يَّهْدِيْهِ مِنْۢ بَعْدِ اللّٰهِ ۗ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ٢٣
Afa ra'aita manittakhaża ilāhahū hawāhu wa aḍallahullāhu ‘alā ‘ilmiw wa khatama ‘alā sam‘ihī wa qalbihī wa ja‘ala ‘alā baṣarihī gisyāwah(tan), famay yahdīhi mim ba‘dillāh(i), afalā tażakkarūn(a).
[23]
Naha hidep (Muhammad) kungsi niténan jalma anu ngajadikeun hawa napsuna minangka Pangéranana jeung Allah ngantep manéhna (dina) kasasaran kalayan sakauninga-Na. 839 Mantenna geus ngonci ceuli jeung haténa jeung meungpeunan panonna? Ku kituna, saha anu bisa méré pituduh ka manéhna sanggeus Mantenna (ngantep dina sasar)? Naha maranéh henteu ngalap atikan?
839) Allah ngantep éta jalma dina kasasaran alatan Mantenna parantos uninga yén manéhna teu narima pituduh anu geus didawuhkeun ka manéhna.
وَقَالُوْا مَا هِيَ اِلَّا حَيَاتُنَا الدُّنْيَا نَمُوْتُ وَنَحْيَا وَمَا يُهْلِكُنَآ اِلَّا الدَّهْرُۚ وَمَا لَهُمْ بِذٰلِكَ مِنْ عِلْمٍۚ اِنْ هُمْ اِلَّا يَظُنُّوْنَ٢٤
Wa qālū mā hiya illā ḥayātunad-dun-yā namūtu wa naḥyā wa mā yuhlikunā illad-dahr(u), wa mā lahum biżālika min ‘ilmin in hum illā yaẓunnūn(a).
[24]
Maranéhna (kaom musrikin) ngomong, “Kahirupan téh taya lian iwal ti kahirupan di dunya wungkul. Urang paéh jeung hirup. Moal aya anu ngabinasakeun ka urang iwal ti waktu.” Padahal maranéhna henteu boga kanyaho ngeunaan hal éta. Maranéhna ngan saukur nebak-nebak wungkul.
وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا بَيِّنٰتٍ مَّا كَانَ حُجَّتَهُمْ اِلَّآ اَنْ قَالُوا ائْتُوْا بِاٰبَاۤىِٕنَآ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٢٥
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyinātim mā kāna ḥujjatahum illā an qālu'tū bi'ābā'inā in kuntum ṣādiqīn(a).
[25]
amun seug dibacakeun ayat-ayat Kami anu jelas ka maranéhna, nya taya bantahan ti maranéhna kajaba ku omongan, “Sok atuh hirupkeun deui karuhun-karuhun kami lamun aranjeun jalma-jalma bener mah.”
قُلِ اللّٰهُ يُحْيِيْكُمْ ثُمَّ يُمِيْتُكُمْ ثُمَّ يَجْمَعُكُمْ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ لَارَيْبَ فِيْهِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٢٦
Qulillāhu yuḥyīkum ṡumma yumītukum ṡumma yajma‘ukum ilā yaumil-qiyāmati lā raiba fīhi wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[26]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Allah anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun aranjeun. Saparantos kitu Mantenna bakal ngumpulkeun aranjeun dina Poé Kiamat anu henteu mangmang deui ayana, tapi lolobana manusa teu nyahoeun.”
وَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَيَوْمَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ يَوْمَىِٕذٍ يَّخْسَرُ الْمُبْطِلُوْنَ٢٧
Wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), wa yauma taqūmus-sā‘atu yauma'iżiy yakhsarul-mubṭilūn(a).
[27]
Kagungan Allah karajaan langit jeung bumi. Dina waktu lumangsungna Poé Kiamat, jalma-jalma anu milampah kabatilan (dosa) bakal rugi.
وَتَرٰى كُلَّ اُمَّةٍ جَاثِيَةً ۗ كُلُّ اُمَّةٍ تُدْعٰٓى اِلٰى كِتٰبِهَاۗ اَلْيَوْمَ تُجْزَوْنَ مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٢٨
Wa tarā kulla ummatin jāṡiyah(tan), kullu ummatin tud‘ā ilā kitābihā, al-yauma tujzauna mā kuntum ta‘malūn(a).
[28]
(Dina éta poé) hidep (Muhammad) bakal ningali saban umat dareku. Saban umat bakal dicalukan pikeun (nempo) catetan amalna séwang-séwangan. Dina éta poé maranéh bakal diwales tina naon nu kungsi dipilampah ku maranéh.
هٰذَا كِتٰبُنَا يَنْطِقُ عَلَيْكُمْ بِالْحَقِّ ۗاِنَّا كُنَّا نَسْتَنْسِخُ مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٢٩
Hāżā kitābunā yanṭiqu ‘alaikum bil-ḥaqq(i), innā kunnā nastansikhu mā kuntum ta‘malūn(a).
[29]
(Allah ngadawuh), “Ieu kitab (catetan) Kami anu ngajelaskeun ka maranéh kalayan sabener-benerna. Sabenerna Kami geus maréntahkeun (para malaikat) pikeun nyatet naon-naon anu dipilampah ku maranéh.”
فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَيُدْخِلُهُمْ رَبُّهُمْ فِيْ رَحْمَتِهٖۗ ذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْمُبِيْنُ٣٠
Fa'ammal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fayudkhiluhum rabbuhum fī raḥmatih(ī), żālika huwal-fauzul-mubīn(u).
[30]
Ari jalma-jalma anu iman jeung milampah kahadéan mah bakal diasupkeun ku Pangéran kana rahmat-Na (sawarga). Éta téh kaunggulan anu nyata.
وَاَمَّا الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ اَفَلَمْ تَكُنْ اٰيٰتِيْ تُتْلٰى عَلَيْكُمْ فَاسْتَكْبَرْتُمْ وَكُنْتُمْ قَوْمًا مُّجْرِمِيْنَ٣١
Wa ammal-lażīna kafarū, falam takun āyātī tutlā ‘alaikum fastakbartum wa kuntum qaumam mujrimīn(a).
[31]
Sedengkeun ari (ka) jalma-jalma anu kupur mah (didawuhkeun), “Lainna ayat-ayat Kami geus dibacakeun ka maranéh, tapi maranéh kalah ka adigung sarta maranéh téh kaom anu sok doraka?”
وَاِذَا قِيْلَ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّالسَّاعَةُ لَا رَيْبَ فِيْهَا قُلْتُمْ مَّا نَدْرِيْ مَا السَّاعَةُۙ اِنْ نَّظُنُّ اِلَّا ظَنًّا وَّمَا نَحْنُ بِمُسْتَيْقِنِيْنَ٣٢
Wa iżā qīla inna wa‘dallāhi ḥaqquw was-sā‘atu lā raiba fīhā qultum mā nadrī mas-sā‘ah(tu), in naẓunnu illā ẓannaw wa mā naḥnu bimustaiqinīn(a).
[32]
Upama didawuhkeun (ka maranéh), “Saleresna jangji Allah téh bener jeung Poé Kiamat téh henteu mangmang deui ayana.” Pasti maranéhna ngajawab, “Kuring saréréa henteu nyaho naon ari Poé Kiamat téh. Saenyana kuring saréréa mah ngan saukur ngira-ngira wungkul jeung henteu yakin.”
وَبَدَا لَهُمْ سَيِّاٰتُ مَا عَمِلُوْا وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٣٣
Wa badā lahum sayyi'ātu mā ‘amilū wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[33]
Pertéla pikeun maranéhna kagoréngan-kagoréngan anu geus dipilampah ku maranéhna. Ku kituna, pasti tumibana (siksa) anu baheula sok disempalguyonkeun ku maranéhna.
وَقِيْلَ الْيَوْمَ نَنْسٰىكُمْ كَمَا نَسِيْتُمْ لِقَاۤءَ يَوْمِكُمْ هٰذَاۙ وَمَأْوٰىكُمُ النَّارُ وَمَا لَكُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ٣٤
Wa qīlal-yauma nansākum kamā nasītum liqā'a yaumikum hāżā, wa ma'wākumun nāru wa mā lakum min nāṣirīn(a).
[34]
Ka maranéhna ogé didawuhkeun, “Dina ieu poé Kami mopohokeun ka maranéh saperti maranéh geus mopohokeun kana paamprokna jeung poé ieu. Tempat pangbalikan maranéh téh nyaéta naraka, sarta pikeun maranéh taya pisan anu nulungan.
ذٰلِكُمْ بِاَنَّكُمُ اتَّخَذْتُمْ اٰيٰتِ اللّٰهِ هُزُوًا وَّغَرَّتْكُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا ۚفَالْيَوْمَ لَا يُخْرَجُوْنَ مِنْهَا وَلَا هُمْ يُسْتَعْتَبُوْنَ٣٥
Żālikum bi'annakumuttakhażtum āyātillāhi huzuwaw wa garratkumul-ḥayātud-dun-yā, fal-yauma lā yukhrajūna minhā wa lā hum yusta‘tabūn(a).
[35]
Anu kitu téh lantaran saenyana maranéh geus ngajadikeun ayat-ayat Allah bahan guyonan jeung maranéh geus ditipu ku kahirupan dunya. Nya dina ieu poé maranéh moal dikaluarkeun deui ti naraka jeung moal dibér kasempetan pikeun tobat.
فَلِلّٰهِ الْحَمْدُ رَبِّ السَّمٰوٰتِ وَرَبِّ الْاَرْضِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٣٦
Fa lillāhil-ḥamdu rabbis-samāwāti wa rabbil-arḍi rabbil-‘ālamīn(a).
[36]
Sagala puji mung kagungan Allah, Pangéran langit jeung bumi, Pangéran sakumna alam.
وَلَهُ الْكِبْرِيَاۤءُ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ ۗوَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ ۔٣٧
Wa lahul-kibriyā'u fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[37]
Mung kagungan Mantenna sagala kaagungan di langit jeung bumi. Mantenna Mahagagah (tur) Mahawijaksana.