Surah Ad-Dukhan

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1] Ḥā Mīm. 828
828) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

وَالْكِتٰبِ الْمُبِيْنِۙ٢
Wal-kitābil-mubīn(i).
[2] Demi Kitab (Al-Qur’an) anu pertéla.

اِنَّآ اَنْزَلْنٰهُ فِيْ لَيْلَةٍ مُّبٰرَكَةٍ اِنَّا كُنَّا مُنْذِرِيْنَ٣
Innā anzalnāhu fī lailatim mubārakatin innā kunnā munżirīn(a).
[3] Sabenerna Kami (ngamimitian) nurunkeun éta (Al-Qur’an) dina hiji peuting anu dilimpudan ku berkah. Sabenerna Kami téh anu maparin pépéling.

فِيْهَا يُفْرَقُ كُلُّ اَمْرٍ حَكِيْمٍۙ٤
Fīhā yufraqu kullu amrin ḥakīm(in).
[4] Dina (éta peuting) dijelaskeun sagala urusan nu pinuh ku hikmah, 829
829) Naon baé anu nyambung jeung kahirupan mahluk saperti hirup, maot, rejeki, papastén hadé, papastén goréng, jeung sajabana.

اَمْرًا مِّنْ عِنْدِنَاۗ اِنَّا كُنَّا مُرْسِلِيْنَۖ٥
Amram min ‘indinā, innā kunnā mursilīn(a).
[5] nyaéta urusan (penting) mungguh Kami. Sabenerna nya Kami anu ngutus para rasul téh,

رَحْمَةً مِّنْ رَّبِّكَ ۗاِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُۗ٦
Raḥmatam mir rabbik(a), innahū huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[6] minangka rahmat ti Pangéran hidep (Muhammad). Saleresna Mantenna Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

رَبِّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَاۘ اِنْ كُنْتُمْ مُّوْقِنِيْنَ٧
Rabbis-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, in kuntum mūqinīn(a).
[7] Pangéran (anu ngamumulé) langit, bumi, jeung nu aya di antarana, upama aranjeun kaasup jalma-jalma anu ngayakinkeun mah.

لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ يُحْيٖ وَيُمِيْتُ ۗرَبُّكُمْ وَرَبُّ اٰبَاۤىِٕكُمُ الْاَوَّلِيْنَ٨
Lā ilāha illā huwa yuḥyī wa yumīt(u), rabbukum wa rabbu ābā'ikumul-awwalīn(a).
[8] Taya deui pangéran iwal ti Mantenna. Mantenna anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun (sakabéh mahluk). Mantenna Pangéran aranjeun jeung Pangéran karuhun aranjeun ti baheula.

بَلْ هُمْ فِيْ شَكٍّ يَّلْعَبُوْنَ٩
Bal hum fī syakkiy yal‘abūn(a).
[9] api maranéhna (aya) dina kamangmangan. Maranéhna ngageuhgeuykeun.

فَارْتَقِبْ يَوْمَ تَأْتِى السَّمَاۤءُ بِدُخَانٍ مُّبِيْنٍ١٠
Fartaqib yauma ta'tis-samā'u bidukhānim mubīn(in).
[10] Nya tunggu waktu langit mawa halimun (haseup) anu jelas, 830
830) Musibah kalaparan anu tumiba ka kaom Qurés, ku lantaran maranéhna nolak (pangajak) Nabi Muhammad Saw.

يَغْشَى النَّاسَۗ هٰذَا عَذَابٌ اَلِيْمٌ١١
Yagsyan-nās(a), hāżā ‘ażābun alīm(un).
[11] anu ngalimpudan manusa. Ieu téh siksa anu kacida peurihna.

رَبَّنَا اكْشِفْ عَنَّا الْعَذَابَ اِنَّا مُؤْمِنُوْنَ١٢
Rabbanaksyif ‘annal-‘ażāba innā mu'minūn(a).
[12] (Dina mangsa harita, maranéhna ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngaleungitkeun ieu siksa ti abdi sadaya. Sayaktosna abdi téh jalma-jalma mu’min.”

اَنّٰى لَهُمُ الذِّكْرٰى وَقَدْ جَاۤءَهُمْ رَسُوْلٌ مُّبِيْنٌۙ١٣
Annā lahumuż-żikrā wa qad jā'ahum rasūlum mubīn(un).
[13] Rék kumaha maranéhna narima pépéling, sedengkeun (saméméhna ogé) geus datang ka maranéhna hiji rasul anu méré katerangan,

ثُمَّ تَوَلَّوْا عَنْهُ وَقَالُوْا مُعَلَّمٌ مَّجْنُوْنٌۘ١٤
Ṡumma tawallau ‘anhu wa qālū mu‘allamum majnūn(un).
[14] tuluy maranéhna ngabalieur ti éta (rasul) sarta ngomong kieu, “(Muhammad) téh narima atikan ti nu séjén. Manéhna téh jalma gélo.” 831
831) Nabi Muhammad Saw. dituduh nampi ajaran ti lain urang Arab ngaranna Addas nu ngagem agama Nasrani.

اِنَّا كَاشِفُوا الْعَذَابِ قَلِيْلًا اِنَّكُمْ عَاۤىِٕدُوْنَۘ١٥
Innā kāsyiful-‘ażābi qalīlan innakum ‘ā'idūn(a).
[15] Sabenerna (upama) Kami ngaleungitkeun éta siksa sanajan ngan saeutik, tangtu maranéh bakal balik deui (ingkar).

يَوْمَ نَبْطِشُ الْبَطْشَةَ الْكُبْرٰىۚ اِنَّا مُنْتَقِمُوْنَ١٦
Yauma nabṭisyul baṭsyatal kubrā, innā muntaqimūn(a).
[16] (Sing inget) nalika Kami ngahantem maranéhna (ku siksa) anu kacida rongkahna. 832 Sabenerna Kami pasti males.
832) Hanteman anu pohara gedéna téh waktu lumangsung Perang Badar. Kaom musrikin kadéséh jajaténa nepi ka éléh tur loba para panggedénna anu tiwas.

۞ وَلَقَدْ فَتَنَّا قَبْلَهُمْ قَوْمَ فِرْعَوْنَ وَجَاۤءَهُمْ رَسُوْلٌ كَرِيْمٌۙ١٧
Wa laqad fatannā qablahum qauma fir‘auna wa jā'ahum rasūlun karīm(un).
[17] Sabenerna saméméh maranéhna (kaom musrikin Mekah), Kami geus nguji kaom Fir’aun jeung geus datang ka maranéhna hiji rasul (Musa) anu mulya,

اَنْ اَدُّوْٓا اِلَيَّ عِبَادَ اللّٰهِ ۗاِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌۙ١٨
An addū ilayya ‘ibādallāh(i), innī lakum rasūlun amīn(un).
[18] (kalayan nyanggem), “Geura pasrahkeun ka kuring hamba-hamba Allah (Bani Israél anu ku maranéh diperes tanagana). Sabenerna kuring téh utusan (Allah) anu bisa dipercaya ku aranjeun,

وَّاَنْ لَّا تَعْلُوْا عَلَى اللّٰهِ ۚاِنِّيْٓ اٰتِيْكُمْ بِسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍۚ١٩
Wa al lā ta‘lū ‘alallāh(i), innī ātīkum bisulṭānim mubīn(in).
[19] jeung omat aranjeun ulah nyombongkeun diri ka Pangéran. Sabenerna kuring datang ka aranjeun kalayan mawa bukti anu nyata.

وَاِنِّيْ عُذْتُ بِرَبِّيْ وَرَبِّكُمْ اَنْ تَرْجُمُوْنِۚ٢٠
Wa innī ‘użtu birabbī wa rabbikum an tarjumūn(i).
[20] Saenyana kuring nyalindung ka Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun tina (ancaman aranjeun pikeun) ngarajam ka kuring.

وَاِنْ لَّمْ تُؤْمِنُوْا لِيْ فَاعْتَزِلُوْنِ٢١
Wa il lam tu'minū lī fa‘tazilūn(i).
[21] Lamun seug aranjeun teu iman ka kuring, atuh antepkeun baé kuring (pikeun mingpin Bani Israél).”

فَدَعَا رَبَّهٗٓ اَنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ قَوْمٌ مُّجْرِمُوْنَ٢٢
Fa da‘ā rabbahū anna hā'ulā'i qaumum mujrimūn(a).
[22] Tuluy Musa ngadoa ka Pangéranana, “Sayaktosna maranéhna téh kaom anu doraka (mugi Gusti énggal ngalungsurkeun siksa ka maranéhna).”

فَاَسْرِ بِعِبَادِيْ لَيْلًا اِنَّكُمْ مُّتَّبَعُوْنَۙ٢٣
Fa asri bi‘ibādī lailan innakum muttaba‘ūn(a).
[23] (Allah ngadawuh), “Nya atuh geura bawa indit hamba-hamba Kami ti peuting. Sabenerna aranjeun bakal dibeberik (ku Fir’aun jeung wadyabaladna).

وَاتْرُكِ الْبَحْرَ رَهْوًاۗ اِنَّهُمْ جُنْدٌ مُّغْرَقُوْنَ٢٤
Watrukil-baḥra rahwā(n), innahum jundum mugraqūn(a).
[24] Antep baé éta laut tetep (beulah). Sabenerna maranéhna téh wadyabalad anu bakal dikéremkeun.

كَمْ تَرَكُوْا مِنْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍۙ٢٥
Kam tarakū min jannātiw wa ‘uyūn(in).
[25] Kacida lobana patamanan jeung cinyusu anu ditinggalkeun ku maranéhna,

وَّزُرُوْعٍ وَّمَقَامٍ كَرِيْمٍۙ٢٦
Wa zurū‘iw wa maqāmin karīm(in).
[26] kitu deui kebon-kebon tur padumukan anu agréng,

وَّنَعْمَةٍ كَانُوْا فِيْهَا فٰكِهِيْنَۙ٢٧
Wa na‘matin kānū fīhā fākihīn(a).
[27] jeung kitu deui kasenangan-kasenangan nu biasa dini’matan ku maranéhna.

كَذٰلِكَ ۗوَاَوْرَثْنٰهَا قَوْمًا اٰخَرِيْنَۚ٢٨
Każālik(a), wa auraṡnāhā qauman ākharīn(a).
[28] Kitu pisan (Kami ngajelaskeun kaayaan maranéhna). Kami ngawariskeun éta (kabéh titinggalan maranéhna) ka kaom anu lian.

فَمَا بَكَتْ عَلَيْهِمُ السَّمَاۤءُ وَالْاَرْضُۗ وَمَا كَانُوْا مُنْظَرِيْنَ ࣖ٢٩
Famā bakat ‘alaihimus-samā'u wal-arḍ(u), wa mā kānū munẓarīn(a).
[29] (Pangeusi) langit jeung bumi ogé teu nyaleungceurikan ka maranéhna sarta maranéhna henteu dibéré témpo.

وَلَقَدْ نَجَّيْنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ مِنَ الْعَذَابِ الْمُهِيْنِۙ٣٠
Wa laqad najjainā banī isrā'īla minal-‘ażābil-muhīn(i).
[30] Tétéla Kami geus nyalametkeun Bani Israél tina éta siksa anu kacida ngahinakeunana,

مِنْ فِرْعَوْنَ ۗاِنَّهٗ كَانَ عَالِيًا مِّنَ الْمُسْرِفِيْنَ٣١
Min fir‘aun(a), innahū kāna ‘āliyam minal-musrifīn(a).
[31] tina (panyiksa) Fir’aun. Sabenerna manéhna téh jalma anu adigung (tur) kaasup jalma anu ngaliwatan wates.

وَلَقَدِ اخْتَرْنٰهُمْ عَلٰى عِلْمٍ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ ۚ٣٢
Wa laqadikhtarnāhum ‘alā ‘ilmin ‘alal-‘ālamīn(a).
[32] Sabenerna Kami geus milih maranéhna (Bani Israél) kalayan élmu (Kami) tibatan sakabéh bangsa (dina jaman harita).

وَاٰتَيْنٰهُمْ مِّنَ الْاٰيٰتِ مَا فِيْهِ بَلٰۤـؤٌا مُّبِيْنٌ٣٣
Wa ātaināhum minal-āyāti mā fīhi balā'um mubīn(un).
[33] Kami ogé geus mikeun ka maranéhna sabagian tanda-tanda kakawasaan (Kami) anu di dinya aya ujian anu pertéla. 833
833) Saperti payung tina reueuk, turunna Manna jeung Salwa, mancurna cai tina jero batu, jeung beulahna Laut Mérah.

اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ لَيَقُوْلُوْنَۙ٣٤
Inna hā'ulā'i layaqūlūn(a).
[34] Saenyana maranéhna (kaom musrikin) téh pasti bakal ngomong kieu,

اِنْ هِيَ اِلَّا مَوْتَتُنَا الْاُوْلٰى وَمَا نَحْنُ بِمُنْشَرِيْنَ٣٥
In hiya illā mautatunal-ūlā wa mā naḥnu bimunsyarīn(a).
[35] “Moal aya deui paéh salian ti paéh urang di dunya. Urang saréréa moal dihudangkeun deui. 834
834) Kaom musrik Mekah ngayakinkeun yén sanggeusna maot, manusa moal bakal dihirupkeun deui.

فَأْتُوْا بِاٰبَاۤىِٕنَآ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٣٦
Fa'tū bi'ābā'inā in kuntum ṣādiqīn(a).
[36] Sok atuh geura balikkeun deui karuhun-karuhun kuring saréréa mun bener mah aranjeun jalma-jalma anu bener.”

اَهُمْ خَيْرٌ اَمْ قَوْمُ تُبَّعٍۙ وَّالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ اَهْلَكْنٰهُمْ اِنَّهُمْ كَانُوْا مُجْرِمِيْنَ٣٧
Ahum khairun am qaumu tubba‘(in), wal-lażīna min qablihim, ahlaknāhum innahum kānū mujrimīn(a).
[37] Naha maranéhna (kaom musrikin Mekah) téh anu leuwih alus atawa kaom Tubba’ 835 jeung jalma-jalma (musrik) saméméh maranéhna anu geus dibinasakeun ku Kami lantaran sabenerna maranéhna téh jalma-jalma anu doraka.
835) Tubba’ nyaéta gelar anu diancokeun ku maranéhna pikeun para raja suku Himyar jeung Tubba’.

وَمَا خَلَقْنَا السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا لٰعِبِيْنَ٣٨
Wa mā khalaqnas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā lā‘ibīn(a).
[38] Teu pisan-pisan Kami heuheureuyan nyiptakeun langit, bumi, jeung naon nu aya di antarana

مَا خَلَقْنٰهُمَآ اِلَّا بِالْحَقِّ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٣٩
Mā khalaqnāhumā illā bil-ḥaqqi wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[39] Teu pisan-pisan ogé Kami nyiptakeun duanana (langit jeung bumi) kajaba kalayan (cara jeung tujuan anu) bener, tapi lolobana maranéhna teu nyahoeun (kana éta hakékat).

اِنَّ يَوْمَ الْفَصْلِ مِيْقَاتُهُمْ اَجْمَعِيْنَ ۙ٤٠
Inna yaumal-faṣli mīqātuhum ajma‘īn(a).
[40] Sabenerna poé putusan (Kiamat) téh wanci anu dijangjikeun pikeun maranéhna kabéh,

يَوْمَ لَا يُغْنِيْ مَوْلًى عَنْ مَّوْلًى شَيْـًٔا وَّلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَۙ٤١
Yauma lā yugnī maulan ‘am maulan syai'aw wa lā hum yunṣarūn(a).
[41] (nyaéta) poéan (waktu) sobat dalit teu bisa méré magpaat saeutik ogé ka sobatna, sarta maranéhna moal bakal meunang pitulung,

اِلَّا مَنْ رَّحِمَ اللّٰهُ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ٤٢
Illā mar raḥimallāh(u), innahū huwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[42] kajaba jalma anu dilimpahanan rahmat ku Allah. Saleresna Mantenna Mahagagah (tur) Mahaasih.

اِنَّ شَجَرَتَ الزَّقُّوْمِۙ٤٣
Inna syajarataz-zaqqūm(i).
[43] Sabenerna tangkal Zaqqūm téh

طَعَامُ الْاَثِيْمِ ۛ٤٤
Ṭa‘āmul-aṡīm(i).
[44] kadaharan pikeun jalma anu loba dosana.

كَالْمُهْلِ ۛ يَغْلِيْ فِى الْبُطُوْنِۙ٤٥
Kal-muhl(i), yaglī fil-buṭūn(i).
[45] (Éta tangkal téh) lir cairan tamaga anu ngagolak di jero beuteung,

كَغَلْيِ الْحَمِيْمِ ۗ٤٦
Kagalyil-ḥamīm(i).
[46] ibarat ngagolakna cai anu kacida panasna.

خُذُوْهُ فَاعْتِلُوْهُ اِلٰى سَوَاۤءِ الْجَحِيْمِۙ٤٧
Khużūhu fa‘‘tilūhu ilā sawā'il-jaḥīm(i).
[47] (Allah ngadawuh,) “Geura téwak maranéhna tuluy gusur ka tengah-tengah naraka,

ثُمَّ صُبُّوْا فَوْقَ رَأْسِهٖ مِنْ عَذَابِ الْحَمِيْمِۗ٤٨
Ṡumma ṣubbū fauqa ra'sihī min ‘azābil-ḥamīm(i).
[48] tuluy banjur luhureun huluna ku siksa (mangrupa) cai anu kacida panasna!

ذُقْۚ اِنَّكَ اَنْتَ الْعَزِيْزُ الْكَرِيْمُ٤٩
Żuq, innaka antal-‘azīzul-karīm(u).
[49] Pék rasakeun! Sabenerna maranéh téh (apan baheulana mah) jalma anu (ngarasa) gagah jeung mulya.”

اِنَّ هٰذَا مَا كُنْتُمْ بِهٖ تَمْتَرُوْنَ٥٠
Inna hāżā mā kuntum bihī tamtarūn(a).
[50] Sabenerna ieu (siksa) téh anu baheula dipimangmang ku maranéh.

اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ مَقَامٍ اَمِيْنٍۙ٥١
Innal-muttaqīna fī maqāmin amīn(in).
[51] Sabenerna jalma-jalma anu takwa mah aya dina tempat-tempat anu aman,

فِيْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍ ۙ٥٢
Fī jannātiw wa ‘uyūn(in).
[52] (nyaéta) di jero taman-taman jeung cinyusu-cinyusu,

يَّلْبَسُوْنَ مِنْ سُنْدُسٍ وَّاِسْتَبْرَقٍ مُّتَقٰبِلِيْنَۚ٥٣
Yalbasūna min sundusiw wa istabraqim mutaqābilīn(a).
[53] Aranjeunna nganggo sutra ipis jeung sutra kandel, bari (calik) papayun-payun.

كَذٰلِكَۗ وَزَوَّجْنٰهُمْ بِحُوْرٍ عِيْنٍۗ٥٤
Każālik(a), wa zawwajnāhum biḥūrin ‘īn(in).
[54] Tah kitu (ganjaran pikeun aranjeunna), tuluy Kami ngajadikeun aranjeunna papasangan jeung widadari.

يَدْعُوْنَ فِيْهَا بِكُلِّ فَاكِهَةٍ اٰمِنِيْنَۙ٥٥
Yad‘ūna fīhā bikulli fākihatin āminīn(a).
[55] Di dinya aranjeunna tiasa mundut rupi-rupi bubuahan kalayan tengtrem (tur) ayem. 836
836) Taya karingrang bakal béakeun atawa inggis ku gering ku sabab ngadahar dahareun di éta tempat.

لَا يَذُوْقُوْنَ فِيْهَا الْمَوْتَ اِلَّا الْمَوْتَةَ الْاُوْلٰىۚ وَوَقٰىهُمْ عَذَابَ الْجَحِيْمِۙ٥٦
Lā yażūqūna fīhal-mauta illal-mautatal-ūlā, wa waqāhum ‘ażābal-jaḥīm(i).
[56] Aranjeunna moal ngarandapan deui maot, salian ti maot anu mimiti (di dunya). Allah ngariksa aranjeunna tina siksa naraka (Jahanam).

فَضْلًا مِّنْ رَّبِّكَۚ ذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ٥٧
Faḍlam mir rabbika żālika huwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[57] Éta téh mangrupa kurnia ti Pangéran. Tah anu kitu téh kaunggulan anu agung.

فَاِنَّمَا يَسَّرْنٰهُ بِلِسَانِكَ لَعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ٥٨
Fa innamā yassarnāhu bilisānika la‘allahum yatażakkarūn(a).
[58] Sabenerna Kami geus ngagampangkeun éta (Al-Qur’an) ku ngagunakeun waktu hidep (Muhammad), sangkan maranéhna meunang atikan.

فَارْتَقِبْ اِنَّهُمْ مُّرْتَقِبُوْنَ ࣖࣖ٥٩
Fartaqib innahum murtaqibūn(a).
[59] Ku kituna, tungguan ku hidep (naon nu bakal karandapan ku maranéhna)! Sabenerna maranéhna (ogé keur) nungguan.