Surah Az-Zukhruf
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1]
Ḥā Mīm. 817
817) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
وَالْكِتٰبِ الْمُبِيْنِ ۙ٢
Wal-kitābil-mubīn(i).
[2]
Demi Kitab anu jelas,
اِنَّا جَعَلْنٰهُ قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا لَّعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَۚ٣
Innā ja‘alnāhu qur'ānan ‘arabiyyal la‘allakum ta‘qilūn(a).
[3]
sabenerna Kami geus ngajadikeun éta Kitab minangka Al-Qur’an nu maké basa Arab sangkan maranéh ngarti.
وَاِنَّهٗ فِيْٓ اُمِّ الْكِتٰبِ لَدَيْنَا لَعَلِيٌّ حَكِيْمٌ ۗ٤
Wa innahū fī ummil-kitābi ladainā la‘aliyyun ḥakīm(un).
[4]
Sabenerna éta (Al-Qur’an) téh, dina Ummul Kitāb (Loh Mahpud) di mungguhing Allah, bener-bener luhur (ajénna) tur penuh ku hikmah
اَفَنَضْرِبُ عَنْكُمُ الذِّكْرَ صَفْحًا اَنْ كُنْتُمْ قَوْمًا مُّسْرِفِيْنَ٥
Afa naḍribu ‘ankumuż-żikra ṣafḥan an kuntum qaumam musrifīn(a).
[5]
Naha Kami bakal eureun kitu nurunkeun ayat-ayat Al-Qur’an (pikeun pépéling) ka maranéh pédah maranéh kaom anu ngaliwatan wates?
وَكَمْ اَرْسَلْنَا مِنْ نَّبِيٍّ فِى الْاَوَّلِيْنَ٦
Wa kam arsalnā min nabiyyin fil-awwalīn(a).
[6]
Loba pisan nabi-nabi anu geus diutus ku Kami ka umat-umat anu ti heula.
وَمَا يَأْتِيْهِمْ مِّنْ نَّبِيٍّ اِلَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٧
Wa mā ya'tīhim min nabiyyin illā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[7]
Unggal sumping saurang nabi ka maranéhna, maranéhna sok ngageuhgeuykeun baé.
فَاَهْلَكْنَآ اَشَدَّ مِنْهُمْ بَطْشًا وَّمَضٰى مَثَلُ الْاَوَّلِيْنَ٨
Fa ahlaknā asyadda minhum baṭsyaw wa maḍā maṡalul-awwalīn(a).
[8]
Ku kituna, Kami ngabinasakeun jalma-jalma anu leuwih rongkah kakuatanana tibatan maranéhna (kaom musrikin). Geus liwat conto umat-umat anu baheula.
وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ لَيَقُوْلُنَّ خَلَقَهُنَّ الْعَزِيْزُ الْعَلِيْمُۙ٩
Wa la'in sa'altahum man khalaqas-samāwāti wal-arḍa layaqūlunna khalaqahunnal-‘azīzul-‘alīm(u).
[9]
Lamun hidep (Muhammad) nanya ka maranéhna, “Saha anu nyiptakeun langit jeung bumi?” Pasti maranéhna bakal ngajawab, “Sakabéhna diciptakeun ku (Pangéran) Nu Mahagagah (tur) Mahauninga.”
الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ مَهْدًا وَّجَعَلَ لَكُمْ فِيْهَا سُبُلًا لَّعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَ ۚ١٠
Allażī ja‘ala lakumul-arḍa mahdaw wa ja‘ala lakum fīhā subulal la‘allakum tahtadūn(a).
[10]
Mantenna anu nyiptakeun bumi minangka tempat tumetep aranjeun, jeung ngadamel jalan-jalan di luhureun bumi sangkan aranjeun meunang pituduh.
وَالَّذِيْ نَزَّلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۢ بِقَدَرٍۚ فَاَنْشَرْنَا بِهٖ بَلْدَةً مَّيْتًا ۚ كَذٰلِكَ تُخْرَجُوْنَ١١
Wal-lażī nazzala minas-samā'i mā'am biqadar(in), fa'ansyarnā bihī baldatam maitā(n), każālika tukhrajūn(a).
[11]
(Mantenna) anu nurunkeun cai hujan nurutkeun ukuran (anu diperlukeun), tuluy ku éta cai Kami ngahirupkeun nagri nu paéh (angar). Nya saperti kitu pisan aranjeun bakal dikaluarkeun (ti jéro kubur) téh.
وَالَّذِيْ خَلَقَ الْاَزْوَاجَ كُلَّهَا وَجَعَلَ لَكُمْ مِّنَ الْفُلْكِ وَالْاَنْعَامِ مَا تَرْكَبُوْنَۙ١٢
Wal-lażī khalaqal-azwāja kullahā wa ja‘ala lakum minal-fulki wal-an‘āmi mā tarkabūn(a).
[12]
(Mantenna) anu nyiptakeun sadayana sapasang-sapasang jeung ngajadikeun pikeun aranjeun parahu sarta ingon-ingon anu dijadikeun tutumpakan (kandaraan) ku aranjeun,
لِتَسْتَوٗا عَلٰى ظُهُوْرِهٖ ثُمَّ تَذْكُرُوْا نِعْمَةَ رَبِّكُمْ اِذَا اسْتَوَيْتُمْ عَلَيْهِ وَتَقُوْلُوْا سُبْحٰنَ الَّذِيْ سَخَّرَ لَنَا هٰذَا وَمَا كُنَّا لَهٗ مُقْرِنِيْنَۙ١٣
Litastawū ‘alā ẓuhūrihī ṡumma tażkurū ni‘mata rabbikum iżastawaitum ‘alaihi wa taqūlū subḥānal-lażī sakhkhara lanā hāżā wa mā kunnā lahū muqrinīn(a).
[13]
sangkan aranjeun diuk di luhureun tonggongna, tuluy aranjeun inget kana ni’mat Pangéran sanggeus merenah diuk dina tonggongna, jeung supaya aranjeun ngucapkeun, “Mahasuci (Allah) anu parantos nundukkeun ieu sadayana kanggo abdi sadaya, padahal abdi sadaya kawitna henteu kawasa pikeun ngawasana.
وَاِنَّآ اِلٰى رَبِّنَا لَمُنْقَلِبُوْنَ١٤
Wa innā ilā rabbinā lamunqalibūn(a).
[14]
Saleresna abdi sadaya bakal mulang ka Pangéran abdi sadaya.”
وَجَعَلُوْا لَهٗ مِنْ عِبَادِهٖ جُزْءًا ۗاِنَّ الْاِنْسَانَ لَكَفُوْرٌ مُّبِيْنٌ ۗ ࣖ١٥
Wa ja‘alū lahū min ‘ibādihī juz'ā(n), innal-insāna lakafūrum mubīn(un).
[15]
Maranéhna (kaom musrikin) ngajadikeun ti sawaréh hamba-hamba-Na minangka bagian ti Mantenna. 818 Saenyana manusa téh tukang ingkar kana (rahmat Allah) anu jelas.
818) Kaom musrikin Mekah ngomong yén malaikat téh budak awéwéna Allah. Padahal teu kitu, malaikat mah sawaréh ti mahluk jeung ciptaana-Na.
اَمِ اتَّخَذَ مِمَّا يَخْلُقُ بَنٰتٍ وَّاَصْفٰىكُمْ بِالْبَنِيْنَ ۗ١٦
Amittakhażū mimmā yakhluqu banātiw wa aṣfākum bil-banīn(a).
[16]
Naha pantes Mantenna nyandak anak awéwé tina anu diciptakeun ku Mantenna sarta mikeun ka maranéhna anak lalaki?
وَاِذَا بُشِّرَ اَحَدُهُمْ بِمَا ضَرَبَ لِلرَّحْمٰنِ مَثَلًا ظَلَّ وَجْهُهٗ مُسْوَدًّا وَّهُوَ كَظِيْمٌ١٧
Wa iżā busysyira aḥaduhum bimā ḍaraba lir-raḥmāni maṡalan ẓalla wajhuhū muswaddaw wa huwa kaẓīm(un).
[17]
Padahal, waktu salah saurang ti antara maranéhna dipaparinan béja pikabungaheun (ku lahirna anak awéwé) anu geus dijadikeun minangka paupamaan mungguhing Allah Nu Mahaasih, reup baé beungeutna geuneuk ku nahan ngangres (jeung ambek).
اَوَمَنْ يُّنَشَّؤُا فِى الْحِلْيَةِ وَهُوَ فِى الْخِصَامِ غَيْرُ مُبِيْنٍ١٨
Awamay yunasysya'u fil-ḥilyati wa huwa fil-khiṣāmi gairu mubīn(in).
[18]
Naha pantes (awéwé) anu digedékeun bari maké papaés jeung anu dina papaduan mah teu (bisa méré alesan anu) jelas (wajar pikeun dijadikeun putri Allah)? 819
819) Ieu ayat ngagambarkeun kaayaan bangsa Arab waktu Al-Qur’an diturunkeun. Maranéhna henteu dibéré kasempetan dina atikan, ku kituna jadi barodo sarta ngan dijadikeun papaés wungkul. Maranéhna henteu mibanda sikep teges dina nepikeun kahayangna pikeun meunang kaunggulan.
وَجَعَلُوا الْمَلٰۤىِٕكَةَ الَّذِيْنَ هُمْ عِبٰدُ الرَّحْمٰنِ اِنَاثًا ۗ اَشَهِدُوْا خَلْقَهُمْ ۗسَتُكْتَبُ شَهَادَتُهُمْ وَيُسْـَٔلُوْنَ١٩
Wa ja‘alul-malā'ikatal-lażīna hum ‘ibādur raḥmāni ināṡā(n), asyahidū khalqahum, satuktabu syahādatuhum wa yus'alūn(a).
[19]
Maranéhna nganggap malaikat-malaikat anu jadi hamba-hamba Nu Mahaasih téh ti jinis awéwé? Naha maranéhna nyaksian dina nyiptakeunana? Panyaksén maranéhna téh bakal dicatet sarta bakal diménta tanggung-jawabna.
وَقَالُوْا لَوْ شَاۤءَ الرَّحْمٰنُ مَا عَبَدْنٰهُمْ ۗمَا لَهُمْ بِذٰلِكَ مِنْ عِلْمٍ اِنْ هُمْ اِلَّا يَخْرُصُوْنَۗ٢٠
Wa qālū lau syā'ar-raḥmānu mā ‘abadnāhum, mā lahum biżālika min ‘ilm(in), in hum illā yakhruṣūn(a).
[20]
Maranéhna ngomong kieu, “Sapamana (Allah) Nu Mahaasih ngersakeun, tangtu kuring saréréa moal nyembah ka maranéhna (malaikat).” Maranéhna teu pisan-pisan boga kanyaho saeutik ogé dina éta urusan. Maranéhna mah ngan saukur nyangka-nyangka wungkul.
اَمْ اٰتَيْنٰهُمْ كِتٰبًا مِّنْ قَبْلِهٖ فَهُمْ بِهٖ مُسْتَمْسِكُوْنَ٢١
Am ātaināhum kitābam min qablihī fahum bihī mustamsikūn(a).
[21]
Naha kungsi saméméhna Kami nurunkeun hiji kitab ka maranéhna terus dijieun cecekelan ku maranéhna?
بَلْ قَالُوْٓا اِنَّا وَجَدْنَآ اٰبَاۤءَنَا عَلٰٓى اُمَّةٍ وَّاِنَّا عَلٰٓى اٰثٰرِهِمْ مُّهْتَدُوْنَ٢٢
Bal qālū innā wajadnā ābā'anā ‘alā ummatiw wa innā ‘alā āṡārihim muhtadūn(a).
[22]
Malah maranéhna ngomong kieu, “Sabenerna kuring saréréa manggihan para karuhun kuring saréréa nganut hiji agama, jeung kuring saréréa meunang pituduh pikeun (nuturkeun) tapak-lacak maranéhna.”
وَكَذٰلِكَ مَآ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ فِيْ قَرْيَةٍ مِّنْ نَّذِيْرٍۙ اِلَّا قَالَ مُتْرَفُوْهَآ ۙاِنَّا وَجَدْنَآ اٰبَاۤءَنَا عَلٰٓى اُمَّةٍ وَّاِنَّا عَلٰٓى اٰثٰرِهِمْ مُّقْتَدُوْنَ٢٣
Wa każālika mā arsalnā min qablika fī qaryatim min nażīr(in), illā qāla mutrafūhā, innā wajadnā ābā'anā ‘alā ummatiw wa innā ‘alā āṡārihim muqtadūn(a).
[23]
Nya kitu deui waktu Kami ngutus saurang nu méré pépéling saméméh hidep (Muhammad) di hiji nagri. Jalma-jalma anu hirupna sarwa kacukupan (di éta nagri) ngomong, “Sabenerna kuring saréréa manggihan karuhun kuring nganut éta (agama) jeung kuring saréréa ngan ukur nuturkeun tapak-lacakna.”
۞ قٰلَ اَوَلَوْ جِئْتُكُمْ بِاَهْدٰى مِمَّا وَجَدْتُّمْ عَلَيْهِ اٰبَاۤءَكُمْۗ قَالُوْٓا اِنَّا بِمَآ اُرْسِلْتُمْ بِهٖ كٰفِرُوْنَ٢٤
Qāla awalau ji'tukum bi'ahdā mimmā wajattum ‘alaihi ābā'akum, qālū innā bimā ursiltum bihī kāfirūn(a).
[24]
(Éta rasul) nyanggem, “Naha (aranjeun rék nurut baé) sanajan kuring mawa (agama) anu leuwih alus tibatan (agama) anu kapanggih ku aranjeun dianut ku para karuhun aranjeun?” Maranéhna ngajawab, “Sabenerna kuring saréréa nolak kana (agama) anu anjeun diutus pikeun nepikeunana.”
فَانْتَقَمْنَا مِنْهُمْ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُكَذِّبِيْنَ ࣖ٢٥
Fantaqamnā minhum fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-mukażżibīn(a).
[25]
Tuluy Kami ngabinasakeun maranéhna. Ku kituna, geura titénan ku hidep (Muhammad) kumaha balukarna jalma-jalma nu ngabohongkeun (bebeneran) téh.
وَاِذْ قَالَ اِبْرٰهِيْمُ لِاَبِيْهِ وَقَوْمِهٖٓ اِنَّنِيْ بَرَاۤءٌ مِّمَّا تَعْبُدُوْنَۙ٢٦
Wa iż qāla ibrāhīmu li'abīhi wa qaumihī innanī barā'um mimmā ta‘budūn(a).
[26]
Sing inget hidep (Muhammad) waktu Ibrahim nyarita ka ramana jeung ka kaomna, “Saleresna kuring teu tanggel waler tina sakabéh anu ku aranjeun disembah,
اِلَّا الَّذِيْ فَطَرَنِيْ فَاِنَّهٗ سَيَهْدِيْنِ٢٧
Illāl-lażī faṭaranī fa'innahū sayahdīn(i).
[27]
kajaba upama (aranjeun nyembah) ka Allah anu nyiptakeun kuring, sabab sabenerna Mantenna bakal maparinan pituduh ka kuring.”
وَجَعَلَهَا كَلِمَةً ۢ بَاقِيَةً فِيْ عَقِبِهٖ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَۗ٢٨
Wa ja‘alahā kalimatam bāqiyatan fī ‘aqibihī la‘allahum yarji‘ūn(a).
[28]
(Ibrahim) ngajantenkeun éta (kalimah taohid) téh minangka kalimah anu langgeng di rundayanana sangkan maranéhna mulang (kana éta kalimah taohid). 820
820) Nabi Ibrahim a.s. ngajantenkeun kalimah taohid minangka cecekelan (ageman) pikeun rundayanana. Ku kituna, lamun seug aya ti antara maranéhna anu nyarékatkeun Allah, manéhna kudu geura mulang deui kana éta taohid.
بَلْ مَتَّعْتُ هٰٓؤُلَاۤءِ وَاٰبَاۤءَهُمْ حَتّٰى جَاۤءَهُمُ الْحَقُّ وَرَسُوْلٌ مُّبِيْنٌ٢٩
Bal matta‘tu hā'ulā'i wa ābā'ahum ḥattā jā'ahumul-ḥaqqu wa rasūlum mubīn(un).
[29]
Malah Kami geus maparin kani’matan hirup pikeun maranéhna jeung ka para karuhunana nepi ka datang ka maranéhna bebeneran (Al-Qur’an) jeung hiji rasul anu maparin katerangan. 821
821) Ti antara katurunan Nabi Ibrahim a.s. téh aya anu mopohokeun kana taohid. Allah henteu maparin siksa ka maranéhna, tapi ngalimpahkeun ni’mat sarta kahirupan anu sakuduna disukuran ku maranéhna. Ngan maranéhna henteu baé sukuran, malahan kalah ngalajur napsu. Ku kituna, Allah nurunkeun Al-Qur’an tur ngutus saurang rasul pikeun ngabingbing maranéhna.
وَلَمَّا جَاۤءَهُمُ الْحَقُّ قَالُوْا هٰذَا سِحْرٌ وَّاِنَّا بِهٖ كٰفِرُوْنَ٣٠
Wa lammā jā'ahumul-ḥaqqu qālū hāżā siḥruw wa innā bihī kāfirūn(a).
[30]
Tapi waktu bebeneran (Al-Qur’an)datang ka maranéhna, maranéhna kalah ka ngomong kieu, “Ieu mah sihir. Sabenerna kuring saréréa nolak kana éta (bebeneran).”
وَقَالُوْا لَوْلَا نُزِّلَ هٰذَا الْقُرْاٰنُ عَلٰى رَجُلٍ مِّنَ الْقَرْيَتَيْنِ عَظِيْمٍ٣١
Wa qālū lau lā nuzzila hāżal-qur'ānu ‘alā rajulim minal-qaryataini ‘aẓīm(in).
[31]
Maranéhna (ogé) nyaromong, “Naha geuning ieu Al-Qur’an téh henteu diturunkeun ka jalma anu (jegud jeung lébér pangaruh) ti salah sahiji dua nagri ieu (Mekah jeung Taip)?”
اَهُمْ يَقْسِمُوْنَ رَحْمَتَ رَبِّكَۗ نَحْنُ قَسَمْنَا بَيْنَهُمْ مَّعِيْشَتَهُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۙ وَرَفَعْنَا بَعْضَهُمْ فَوْقَ بَعْضٍ دَرَجٰتٍ لِّيَتَّخِذَ بَعْضُهُمْ بَعْضًا سُخْرِيًّا ۗوَرَحْمَتُ رَبِّكَ خَيْرٌ مِّمَّا يَجْمَعُوْنَ٣٢
Ahum yaqsimūna raḥmata rabbik(a), naḥnu qasamnā bainahum ma‘īsyatahum fil-ḥayātid-dun-yā, wa rafa‘nā ba‘ḍahum fauqa ba‘ḍin darajātil liyattakhiża ba‘ḍuhum ba‘ḍan sukhriyyā(n), wa raḥmatu rabbika khairum mimmā yajma‘ūn(a).
[32]
Naha maranéhna kitu anu ngabagi-bagi rahmat Pangéran hidep téh? Kami anu nangtukeun kahirupan maranéhna dina kahirupan dunya. Kami anu ngaunggulkeun sawaréh ti antara maranéh sababaraha darajat tinimbang anu sawaréhna deui, sangkan sawaréhna bisa ngamangpaatkeun ka anu sawaréhna deui. Rahmat Pangéran hidep téh leuwih alus tibatan anu ku maranéhna dikumpulkeun.
وَلَوْلَآ اَنْ يَّكُوْنَ النَّاسُ اُمَّةً وَّاحِدَةً لَّجَعَلْنَا لِمَنْ يَّكْفُرُ بِالرَّحْمٰنِ لِبُيُوْتِهِمْ سُقُفًا مِّنْ فِضَّةٍ وَّمَعَارِجَ عَلَيْهَا يَظْهَرُوْنَۙ٣٣
Wa lau lā ay yakūnan-nāsu ummataw wāḥidatal laja‘alnā limay yakfuru bir-raḥmāni libuyūtihim suqufam min fiḍḍatiw wa ma‘ārija ‘alaihā yaẓharūn(a).
[33]
Saupama lain karana nyingkahan manusa jadi hiji umat anu ngahiji (dina kakupuran), pasti Kami geus ngajadikeun pikeun jalma-jalma anu kupur ka (Allah) Nu Mahawelas loténg-loténg imah maranéhna tina pérak pikeun, kitu deui tarajé-tarajé anu ditaékkan ku maranéhna.
وَلِبُيُوْتِهِمْ اَبْوَابًا وَّسُرُرًا عَلَيْهَا يَتَّكِـُٔوْنَۙ٣٤
Wa libuyūtihim abwābaw wa sururan ‘alaihā yattaki'ūn(a).
[34]
(Pasti Kami nyieun ogé) panto-panto (pérak) pikeun imah-imah maranéhna jeung dipan-dipan paranti maranéhna nyarandé,
وَزُخْرُفًاۗ وَاِنْ كُلُّ ذٰلِكَ لَمَّا مَتَاعُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۗوَالْاٰخِرَةُ عِنْدَ رَبِّكَ لِلْمُتَّقِيْنَ ࣖ٣٥
Wa zukhrufā(n), wa in kullu żālika lammā matā‘ul-ḥayātid-dun-yā, wal-ākhiratu ‘inda rabbika lil-muttaqīn(a).
[35]
(Pasti Kami nyieun ogé) papaés-papaés tina emas. Kabéhanana téh taya lian saukur keur kasenangan kahirupan dunya, sedengkeun (kabagjaan) kahirupan ahérat di mungguhing Pangéran hidep mah dicawiskeun pikeun jalma-jalma anu takwa.
وَمَنْ يَّعْشُ عَنْ ذِكْرِ الرَّحْمٰنِ نُقَيِّضْ لَهٗ شَيْطٰنًا فَهُوَ لَهٗ قَرِيْنٌ٣٦
Wa may ya‘syu ‘an żikrir-raḥmāni nuqayyiḍ lahū syaiṭānan fahuwa lahū qarīn(un).
[36]
Saha baé anu ngabalieur tina atikan (Allah) Nu Mahawelas (Al-Qur’an), nya Kami ngantep sétan (nyasarkeun maranéhna) nepi ka jadi batur dalitna.
وَاِنَّهُمْ لَيَصُدُّوْنَهُمْ عَنِ السَّبِيْلِ وَيَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ مُّهْتَدُوْنَ٣٧
Wa innahum layaṣuddūnahum ‘anis-sabīli wa yaḥsabūna annahum muhtadūn(a).
[37]
Sabenerna sétan-sétan téh ngahalang-halang maranéhna tina jalan anu lempeng, sedengkeun maranéhna nyangka meunang pituduh.
حَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءَنَا قَالَ يٰلَيْتَ بَيْنِيْ وَبَيْنَكَ بُعْدَ الْمَشْرِقَيْنِ فَبِئْسَ الْقَرِيْنُ٣٨
Ḥattā iżā jā'anā qāla yā laita bainī wa bainaka bu‘dal-masyriqaini fa bi'sal-qarīn(u).
[38]
Nepi ka upama datang ka Kami (dina Poé Kiamat), jalma-jalma anu ngabalieur téh ngomong kieu, “Duh! Lamun seug jarak antara kuring jeung manéh (sétan) lir jauhna wétan jeung kulon! Sétan téh mémang balada nu pangjahat-jahatna (pikeun manusa).”
وَلَنْ يَّنْفَعَكُمُ الْيَوْمَ اِذْ ظَّلَمْتُمْ اَنَّكُمْ فِى الْعَذَابِ مُشْتَرِكُوْنَ٣٩
Wa lay yanfa‘akumul-yauma iẓ ẓalamtum annakum fil-‘ażābi musytarikūn(a).
[39]
(Harepan maranéh kitu téh) moal méré mangpa’at pikeun diri maranéh dina Poé Kiamat, lantaran geus kaniaya (ka awak maranéh sorangan). Sabenerna maranéh pantes babarengan (jeung sétan) dina éta siksa.
اَفَاَنْتَ تُسْمِعُ الصُّمَّ اَوْ تَهْدِى الْعُمْيَ وَمَنْ كَانَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٤٠
Afa anta tusmi‘uṣ-ṣumma au tahdil-‘umya wa man kāna fī ḍalālim mubīn(in).
[40]
Naha hidep (Muhammad) bisa ngajadikeun jalma torék jadi ngadéngé, atawa méré pituduh ka jalma anu lolong (haténa), sarta ka jalma anu salawasna aya dina kasasaran anu nyata?
فَاِمَّا نَذْهَبَنَّ بِكَ فَاِنَّا مِنْهُمْ مُّنْتَقِمُوْنَۙ٤١
Fa immā nażhabanna bika fa innā minhum muntaqimūn(a).
[41]
Ku kituna, upama Kami ngamaotkeun hidep (saméméh meunang kaunggulan), nya sabenerna Kami bakal tetep nyiksa ka maranéhna (di ahérat),
اَوْ نُرِيَنَّكَ الَّذِيْ وَعَدْنٰهُمْ فَاِنَّا عَلَيْهِمْ مُّقْتَدِرُوْنَ٤٢
Au nuriyannakal-lażī wa‘adnāhum fa'innā ‘alaihim muqtadirūn(a).
[42]
atawa Kami bener-bener némbongkeun ka hidep (siksa) nu geus diancamkeun ku Kami ka maranéhna. 822 Kami bener-bener ngawasa ka maranéhna.
822) Kaunggulan pikeun Nabi Muhammad Saw. sarta kaancuran pikeun kaom musrikin.
فَاسْتَمْسِكْ بِالَّذِيْٓ اُوْحِيَ اِلَيْكَ ۚاِنَّكَ عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٤٣
Fastamsik bil-lażī ūḥiya ilaik(a), innaka ‘alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[43]
Ku kituna, geura cekel sing pageuh ku hidep agama anu geus diwahyukeun ka hidep. Hidep bener-bener aya dina jalan anu lempeng.
وَاِنَّهٗ لَذِكْرٌ لَّكَ وَلِقَوْمِكَ ۚوَسَوْفَ تُسْـَٔلُوْنَ٤٤
Wa innahū lażikrul laka wa liqaumik(a), wa saufa tus'alūn(a).
[44]
Al-Qur’an téh bener-bener mangrupa pépéling pikeun hidep jeung kaom hidep, sarta engké hidep bakal dipénta tanggung jawab.
وَسْـَٔلْ مَنْ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ مِنْ رُّسُلِنَآ ۖ اَجَعَلْنَا مِنْ دُوْنِ الرَّحْمٰنِ اٰلِهَةً يُّعْبَدُوْنَ ࣖ٤٥
Was'al man arsalnā min qablika mir rusulinā, aja‘alnā min dūnir-raḥmāni ālihatay yu‘badūn(a).
[45]
Pék tanyakeun ku hidep ka (umat) rasul-rasul Kami anu geus diutus ku Kami saméméh hidep, “Naha Kami geus netepkeun salian ti Allah Nu Mahawelas (minangka) sesembahan-sesembahan pikeun disembah?”
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مُوْسٰى بِاٰيٰتِنَآ اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖ فَقَالَ اِنِّيْ رَسُوْلُ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٤٦
Wa laqad arsalnā mūsā bi'āyātinā ilā fir‘auna wa mala'ihī fa qāla innī rasūlu rabbil-‘ālamīn(a).
[46]
Sabenerna Kami geus ngutus Musa bari mawa mujijat-mujijat Kami ka Fir’aun jeung para gegedénna. Pok (Musa) nyanggem, “Sabenerna kuring tèh utusan Pangèran sakumna alam.”
فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ بِاٰيٰتِنَآ اِذَا هُمْ مِّنْهَا يَضْحَكُوْنَ٤٧
Falammā jā'ahum bi'āyātinā iżā hum minhā yaḍḥakūn(a).
[47]
Waktu (Musa) datang ka maranéhna bari mawa mujijat-mujijat Kami, ujug-ujug ger maranéhna nyaleungseurikeun.
وَمَا نُرِيْهِمْ مِّنْ اٰيَةٍ اِلَّا هِيَ اَكْبَرُ مِنْ اُخْتِهَاۗ وَاَخَذْنٰهُمْ بِالْعَذَابِ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ٤٨
Wa mā nurīhim min āyatin illā hiya akbaru min ukhtihā, wa akhażnāhum bil-‘ażābi la‘allahum yarji‘ūn(a).
[48]
Kami henteu némbongkeun ka maranéhna hiji mujijat ogé anging (éta mujijat) téh leuwih rongkah tinimbang mujijat-mujijat (anu saméméhna). Kami nibankeun siksa 823 ka maranéhna sangkan maranéhna mulang (kana bebeneran).
823) Siksa di dieu nyaéta siksa dunya minangka cobaan ti Allah, saperti weritna kadaharan, tumuwuhna hama pepelakan, jeung réa-réa deui.
وَقَالُوْا يٰٓاَيُّهَ السَّاحِرُ ادْعُ لَنَا رَبَّكَ بِمَا عَهِدَ عِنْدَكَۚ اِنَّنَا لَمُهْتَدُوْنَ٤٩
Wa qālū yā ayyuhas-sāḥirud‘u lanā rabbaka bimā ‘ahida ‘indak(a), innanā lamuhtadūn(a).
[49]
Maranéhna ngamong, “Hé tukang sihir, 824 pék geura ngadoa ka Pangéran anjeun pikeun (ngaleupaskeun) kuring saréréa luyu jeung anu geus dijangjikeuna-Na ka anjeun. Sabenerna kuring saréréa (upama doa anjeun diijabah) téh bener-bener rék jadi jalma anu ngalap pituduh.”
824) Anu dimaksud tukang sihir ku maranéhna téh nyaéta Nabi Musa a.s.
فَلَمَّا كَشَفْنَا عَنْهُمُ الْعَذَابَ اِذَا هُمْ يَنْكُثُوْنَ٥٠
Falammā kasyafnā ‘anhumul-‘ażāba iżā hum yankuṡūn(a).
[50]
Tapi waktu Kami nyabut éta siksa ti maranéhna, harita kénéh maranéhna langsung ingkar jangji.
وَنَادٰى فِرْعَوْنُ فِيْ قَوْمِهٖ قَالَ يٰقَوْمِ اَلَيْسَ لِيْ مُلْكُ مِصْرَ وَهٰذِهِ الْاَنْهٰرُ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِيْۚ اَفَلَا تُبْصِرُوْنَۗ٥١
Wa nādā fir‘aunu fī qaumihī qāla yā qaumi alaisa lī mulku miṣra wa hāżihil-anhāru tajrī min taḥtī, afalā tubṣirūn(a).
[51]
Fir’aun ngagero ka kaomna (bari) pokna, “Hé kaom kuring, lainna ieu Karajaan Mesir téh anu kuring? Lainna walungan-walungan téh curcor di handapeun kuring? Naha aranjeun henteu nénjo?
اَمْ اَنَا۠ خَيْرٌ مِّنْ هٰذَا الَّذِيْ هُوَ مَهِيْنٌ ەۙ وَّلَا يَكَادُ يُبِيْنُ٥٢
Am ana khairum min hāżal-lażī huwa mahīn(un), wa lā yakādu yubīn(u).
[52]
Lainna kuring téh leuwih alus tibatan ieu jalma (Musa) anu hina jeung anu ampir teu bisa ngajelaskeun (omonganana)?
فَلَوْلَآ اُلْقِيَ عَلَيْهِ اَسْوِرَةٌ مِّنْ ذَهَبٍ اَوْ جَاۤءَ مَعَهُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ مُقْتَرِنِيْنَ٥٣
Falau lā ulqiya ‘alaihi aswiratum min żahabin au jā'a ma‘ahul-malā'ikatu muqtarinīn(a).
[53]
Naha kunaon manéhna (Musa) henteu dipangmakékeun geulang tina emas, atawa dibarengan ku malaikat nu jadi pangiringna?”
فَاسْتَخَفَّ قَوْمَهٗ فَاَطَاعُوْهُ ۗاِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمًا فٰسِقِيْنَ٥٤
Fastakhaffa qaumahū fa aṭā‘ūh(u), innahum kānū qauman fāsiqīn(a).
[54]
Ku éta caritaan, (Fir’aun) mangaruhan kaomna nepi ka maranéhna nurut ka dirina. Saenyana maranéhna téh kaom anu pasék
فَلَمَّآ اٰسَفُوْنَا انْتَقَمْنَا مِنْهُمْ فَاَغْرَقْنٰهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٥٥
Falammā āsafūnantaqamnā minhum fa agraqnāhum ajma‘īn(a).
[55]
Ku kituna, waktu maranéhna nyieun Kami murka, Kami nibankeun hukuman ka maranéhna, tuluy Kami ngéremkeun maranéhna kabéh (di laut).
فَجَعَلْنٰهُمْ سَلَفًا وَّمَثَلًا لِّلْاٰخِرِيْنَ ࣖ٥٦
Fa ja‘alnāhum salafaw wa maṡalal lil-ākhirīn(a).
[56]
Kami ngajadikeun maranéhna minangka (kaom) nu baheula jeung atikan pikeun kaom kiwari.
۞ وَلَمَّا ضُرِبَ ابْنُ مَرْيَمَ مَثَلًا اِذَا قَوْمُكَ مِنْهُ يَصِدُّوْنَ٥٧
Wa lammā ḍuribabnu maryama maṡalan iżā qaumuka minhu yaṣiddūn(a).
[57]
Waktu putra Maryam (Isa) dijadikeun paupamaan, ujug-ujug kaom hidep (kaom Qurés) ger baé surak.
وَقَالُوْٓا ءَاٰلِهَتُنَا خَيْرٌ اَمْ هُوَ ۗمَا ضَرَبُوْهُ لَكَ اِلَّا جَدَلًا ۗبَلْ هُمْ قَوْمٌ خَصِمُوْنَ٥٨
Wa qālū a'ālihatunā khairun am huw(a), mā ḍarabūhu laka illā jadalā(n), bal hum qaumun khaṣimūn(a).
[58]
Maranéhna ngomong, “Mana anu leuwih alus, pangéran-pangéran kuring saréréa atawa manéhna (Isa)?” Maranéhna henteu nunjukkeun (éta paupamaan) ka hidep (Muhammad) kajaba kalayan maksud ngabantah wungkul. Sabenerna maranéhna téh kaom anu sok papaséaan. 825
825) Ayat 57 jeung 58 di luhur nyaritakeun deui kajadian waktu Rasulullah Saw. maoskeun surat al-Anbiyā’ ayat 21 di hareupeun kaom Qurés. Salah saurang ti kaom Qurés, ngaranna Abdullah ibn al-Jab’ari, nanya ka Rasulullah Saw. ngeunaan kaayaan Isa anu disembah ku kaom Nasrani (Kristen), “Naha Isa ogé jadi suluh naraka Jahanam saperti sesembahan (berhala-berhala) maranéhna?” Rasulullah ngahuleng sakedapan. Nya maranéhna nyeungseurikeun (Rasulullah). Terus maranéhna tumanya deui, “Mana anu leuwih alus antara sesembahan maranéhna jeung Nabi Isa a.s.” Pertanyaan-pertanyaan maranéhna kitu téh ngan saukur néngtéréwéléng, lain néangan bebeneran. Maranéhna pohara salahna. Nabi Isa a.s. henteu uningaeun yén anjeunna disembah tur teu réla (dirina) dijadikeun sesembahan.
اِنْ هُوَ اِلَّا عَبْدٌ اَنْعَمْنَا عَلَيْهِ وَجَعَلْنٰهُ مَثَلًا لِّبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۗ٥٩
In huwa illā ‘abdun an‘amnā ‘alaihi wa ja‘alnāhu maṡalal libanī isrā'īl(a).
[59]
Anjeunna (Isa) taya lian anging hiji hamba anu ku Kami geus dipaparinan ni’mat (kanabian). Kami ngajadikeun anjeunna minangka conto (kakawasaan Allah) pikeun Bani Israél.
وَلَوْ نَشَاۤءُ لَجَعَلْنَا مِنْكُمْ مَّلٰۤىِٕكَةً فِى الْاَرْضِ يَخْلُفُوْنَ٦٠
Wa lau nasyā'u laja‘alnā minkum malā'ikatan fil-arḍi yakhlufūn(a).
[60]
Upama Kami mikahayang, tangtu Kami ngajadikeun malaikat-malaikat anu turun-tumurun ngaganti maranéh di ieu bumi.
وَاِنَّهٗ لَعِلْمٌ لِّلسَّاعَةِ فَلَا تَمْتَرُنَّ بِهَا وَاتَّبِعُوْنِۗ هٰذَا صِرَاطٌ مُّسْتَقِيْمٌ٦١
Wa innahū la‘ilmul lis-sā‘ati falā tamtarunna bihā wattabi‘ūn(i), hāżā ṣirāṭum mustaqīm(un).
[61]
Sabenerna Isa téh bukti pikeun bakal datangna Poé Kiamat. Ku lantaran kitu, omat maranéh ulah mangmang kana éta perkara (Kiamat), sarta sing tumut aranjeun ka Kami. Ieu téh jalan anu lempeng.
وَلَا يَصُدَّنَّكُمُ الشَّيْطٰنُۚ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ٦٢
Wa lā yaṣuddannakumusy-syaiṭān(u), innahū lakum ‘aduwwum mubīn(un).
[62]
Omat maranéh ulah pisan-pisan beunang dipaléngoskeun ku sétan lantaran saenyana sétan téh musuh anu jelas pikeun maranéh.
وَلَمَّا جَاۤءَ عِيْسٰى بِالْبَيِّنٰتِ قَالَ قَدْ جِئْتُكُمْ بِالْحِكْمَةِ وَلِاُبَيِّنَ لَكُمْ بَعْضَ الَّذِيْ تَخْتَلِفُوْنَ فِيْهِۚ فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ٦٣
Wa lammā jā'a ‘īsā bil-bayyināti qāla qad ji'tukum bil-ḥikmati wa li'ubayyina lakum ba‘ḍal-lażī takhtalifūna fīh(i), fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[63]
Waktu Isa datang bari mawa katerangan, anjeunna nyarita, “Saleresna kuring datang ka aranjeun téh mawa hikmah 826 jeung sangkan kuring ngajlaskeun ka aranjeun sawaréh tina perkara anu ku aranjeun dipacéngkadkeun. Ku kituna, kudu takwa ka Allah sarta kudu tumut ka kuring.
826) Kanabian, Injil, jeung hukum.
اِنَّ اللّٰهَ هُوَ رَبِّيْ وَرَبُّكُمْ فَاعْبُدُوْهُۗ هٰذَا صِرَاطٌ مُّسْتَقِيْمٌ٦٤
Innallāha huwa rabbī wa rabbukum fa‘budūh(u), hāżā ṣirāṭum mustaqīm(un).
[64]
Saleresna Allah téh Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun. Ku kituna, geura ibadah ka Mantenna. Ieu téh jalan anu lempeng.
فَاخْتَلَفَ الْاَحْزَابُ مِنْۢ بَيْنِهِمْ ۚفَوَيْلٌ لِّلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْ عَذَابِ يَوْمٍ اَلِيْمٍ٦٥
Fakhtalafal-aḥzābu mim bainihim, fawailul lil-lażīna ẓalamūmin ‘ażābi yaumin alīm(in).
[65]
Ngan golongan-golongan (anu aya) téh kalah ka hog-hag di antara maranéhna. Nya kacilakaan pikeun jalma-jalma anu dolim lantaran siksa dina hiji poé anu kacida peurihna (Kiamat).
هَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّا السَّاعَةَ اَنْ تَأْتِيَهُمْ بَغْتَةً وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ٦٦
Hal yanẓurūna illas-sā‘ata an ta'tiyahum bagtataw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[66]
Maranéhna (kaom musrikin Mekah) teu ngadago-dago kajaba Poé Kiamat nu datang ka maranéhna kalayan ngadadak, sedengkeun maranéhna teu nyadar?
اَلْاَخِلَّاۤءُ يَوْمَىِٕذٍۢ بَعْضُهُمْ لِبَعْضٍ عَدُوٌّ اِلَّا الْمُتَّقِيْنَ ۗ ࣖ٦٧
Al-akhillā'u yauma'iżim ba‘ḍuhum liba‘ḍin ‘aduwwun illal-muttaqīn(a).
[67]
Sobat-sobat dalit dina éta poé mah silih musuhan jeung anu sawaréhna deui, kajaba maranéhna anu takwa.
يٰعِبَادِ لَاخَوْفٌ عَلَيْكُمُ الْيَوْمَ وَلَآ اَنْتُمْ تَحْزَنُوْنَۚ٦٨
Yā ‘ibādi lā khaufun ‘alaikumul-yauma wa lā antum taḥzanūn(a).
[68]
(Di éta poé Allah ngadawuh ka aranjeunna), “Hé hamba-hamba Kami, moal aya kasieun jeung kanalangsaan pikeun aranjeun dina éta poé.
اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاٰيٰتِنَا وَكَانُوْا مُسْلِمِيْنَۚ٦٩
Allażīna āmanū bi'āyātinā wa kānū muslimīn(a).
[69]
(Nyaéta) jalma-jalma anu iman kana ayat-ayat Kami. Aranjeunna téh jalma-jalma muslim (tunduk jeung sumerah diri ka Allah).
اُدْخُلُوا الْجَنَّةَ اَنْتُمْ وَاَزْوَاجُكُمْ تُحْبَرُوْنَ٧٠
Udkhulul-jannata antum wa azwājukum tuḥbarūn(a).
[70]
Geura asup aranjeun kana sawarga. Aranjeun jeung pasangan-pasangan aranjeun (anu iman) bakal digumbirakeun.”
يُطَافُ عَلَيْهِمْ بِصِحَافٍ مِّنْ ذَهَبٍ وَّاَكْوَابٍ ۚوَفِيْهَا مَا تَشْتَهِيْهِ الْاَنْفُسُ وَتَلَذُّ الْاَعْيُنُ ۚوَاَنْتُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَۚ٧١
Yuṭāfu ‘alaihim biṣiḥāfim min żahabiw wa akwāb(in), wa fīhā mā tasytahīhil-anfusu wa talażżul-a‘yun(u), wa antum fīhā khālidūn(a).
[71]
Ka aranjeunna diiderkeun piring-piring jeung gelas-gelas tina emas, jeung di jero sawarga aya naon rupa anu dipidangdam dina haté jeung aya sagala rupa anu éndah ditempo ku mata, serta aranjeunna langgeng di dinya
وَتِلْكَ الْجَنَّةُ الَّتِيْٓ اُوْرِثْتُمُوْهَا بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٧٢
Wa tilkal-jannatul-latī ūriṡtumūhā bimā kuntum ta‘malūn(a).
[72]
Éta téh sawarga anu diwariskeun pikeun aranjeun lantaran laku-lampah anu geus dipilampah ku aranjeun téa.
لَكُمْ فِيْهَا فَاكِهَةٌ كَثِيْرَةٌ مِّنْهَا تَأْكُلُوْنَ٧٣
Lakum fīhā fākihatun kaṡīratum minhā ta'kulūn(a).
[73]
Pikeun aranjeun di jerona loba bubuahan. Sawaréhna didalahar ku aranjeun.
اِنَّ الْمُجْرِمِيْنَ فِيْ عَذَابِ جَهَنَّمَ خٰلِدُوْنَۖ٧٤
Innal-mujrimīna fī ‘ażābi jahannama khālidūn(a).
[74]
Saenyana jalma-jalma anu doraka (bakal aya) dina siksa (naraka) Jahanam.
لَا يُفَتَّرُ عَنْهُمْ وَهُمْ فِيْهِ مُبْلِسُوْنَ ۚ٧٥
Lā yufattaru ‘anhum wa hum fīhi mublisūn(a).
[75]
Teu diénténgkeun éta (siksa) téh ti maranéhna jeung maranéhna di jerona pegat pangharepan.
وَمَا ظَلَمْنٰهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوْا هُمُ الظّٰلِمِيْنَ٧٦
Wa mā ẓalamnāhum wa lākin kānū humuẓ-ẓālimīn(a).
[76]
Kami teu pisan-pisan dolim ka maranéhna, tapi maranéhna kénéh anu dolim ka dirina sorangan.
وَنَادَوْا يٰمٰلِكُ لِيَقْضِ عَلَيْنَا رَبُّكَۗ قَالَ اِنَّكُمْ مّٰكِثُوْنَ٧٧
Wa nādau yā māliku liyaqḍi ‘alainā rabbuk(a), qāla innakum mākiṡūn(a).
[77]
Maranéhna sasambat, “Hé (malaikat) Malik, (tibatan teu kuat nandangan ieu siksa,) atuh paéhan baé kuring saréréa ku Pangéran anjeun.” Malaikat Malik ngajawab, “Saenyana maranéh bakal matuh salawasna di ieu (naraka).”
لَقَدْ جِئْنٰكُمْ بِالْحَقِّ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَكُمْ لِلْحَقِّ كٰرِهُوْنَ٧٨
Laqad ji'nākum bil-ḥaqqi wa lākinna akṡarakum lil-ḥaqqi kārihūn(a).
[78]
Tétéla Kami geus datang mawa bebeneran ka maranéh, tapi lolobana mah maranéh téh mikangéwa kana éta bebeneran.
اَمْ اَبْرَمُوْٓا اَمْرًا فَاِنَّا مُبْرِمُوْنَۚ٧٩
Am abramū amran fa innā mubrimūn(a).
[79]
Malah maranéhna geus ngarencanakeun hiji tipu daya (jahat), mangka sabenerna Kami geus nyieun rencana (pikeun ngungkulan tipu dayana). 827
827) Kaom musrikin Mekah lain wungkul ngéwa kana bebeneran, malahan maranéhna geus ngarencanakeun rék nelasan Nabi Muhammad Saw. Ngan éta rencana kaburu gagal, margi Allah ogé ngagaduhan rencana pikeun nyalametkeun Nabi.
اَمْ يَحْسَبُوْنَ اَنَّا لَا نَسْمَعُ سِرَّهُمْ وَنَجْوٰىهُمْ ۗ بَلٰى وَرُسُلُنَا لَدَيْهِمْ يَكْتُبُوْنَ٨٠
Am yaḥsabūna annā lā nasma‘u sirrahum wa najwāhum, balā wa rusulunā ladaihim yaktubūn(a).
[80]
Naha maranéhna nyangka yén sabenerna Kami henteu mireungeuh ka nu dirasiahkeun jeung anu ditembrakkeun ku maranéhna? Puguh baé (Kami ngareungeu), jeung utusan-utusan Kami (malaikat) ogé sok nyatet di gigireun maranéhna.
قُلْ اِنْ كَانَ لِلرَّحْمٰنِ وَلَدٌ ۖفَاَنَا۠ اَوَّلُ الْعٰبِدِيْنَ٨١
Qul in kāna lir-raḥmāni walad(un), fa ana awwalul-‘ābidīn(a).
[81]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Lamun bener Pangéran Nu Mahawelas téh kagungan putra, nya tangtu kuring jalma anu pangheulana ngamulyakeun (éta putra téh).
سُبْحٰنَ رَبِّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ رَبِّ الْعَرْشِ عَمَّا يَصِفُوْنَ٨٢
Subḥāna rabbis-samāwāti wal-arḍi rabbil-‘arsyi ‘ammā yaṣifūn(a).
[82]
Mahasuci Pangéran anu ngagaduhan langit jeung bumi sarta ‘Arsy, tina naon rupa anu disipatkeun ku maranéhna.
فَذَرْهُمْ يَخُوْضُوْا وَيَلْعَبُوْا حَتّٰى يُلٰقُوْا يَوْمَهُمُ الَّذِيْ يُوْعَدُوْنَ٨٣
Fa żarhum yakhūḍū wa yal‘abū ḥattā yulāqū yaumahumul-lażī yū‘adūn(a).
[83]
Ku kituna, keun baé antep maranéhna sina tikerelep (dina kasasaran) jeung sempal guyon nepi ka cunduk kana poé anu dijangjikeun ka maranéhna.
وَهُوَ الَّذِيْ فِى السَّمَاۤءِ اِلٰهٌ وَّ فِى الْاَرْضِ اِلٰهٌ ۗوَهُوَ الْحَكِيْمُ الْعَلِيْمُ٨٤
Wa huwal-lażī fis-samā'i ilāhuw wa fil-arḍi ilāh(un), wa huwal-ḥakīmul-‘alīm(u).
[84]
Mantenna téh Pangéran (anu disembah) di langit jeung Pangéran (anu disembah) di bumi. Mantenna téh Mahawijaksana (tur) Mahauninga.
وَتَبٰرَكَ الَّذِيْ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا ۚوَعِنْدَهٗ عِلْمُ السَّاعَةِۚ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٨٥
Wa tabārakal-lażī lahū mulkus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, wa ‘indahū ‘ilmus-sā‘ah(ti), wa ilaihi turja‘ūn(a).
[85]
Mahasuci (Allah) anu mibanda karajaan langit jeung bumi jeung naon anu aya di antarana. Di mungguhing Mantenna wungkul pangaweruh ngeunaan Poé Kiamat tur mung ka Mantenna maranéh dipulangkeun.
وَلَا يَمْلِكُ الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهِ الشَّفَاعَةَ اِلَّا مَنْ شَهِدَ بِالْحَقِّ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ٨٦
Wa lā yamlikul-lażīna yad‘ūna min dūnihisy-syafā‘ata illā man syahida bil-ḥaqqi wa hum ya‘lamūn(a).
[86]
Jalma-jalma anu umajak ka salian ti Allah moal meunang sapa’at (pitulung di ahérat), kajaba jalma anu ngaku kana ḥaq (taohid) tur aranjeunna yakin.
وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ خَلَقَهُمْ لَيَقُوْلُنَّ اللّٰهُ فَاَنّٰى يُؤْفَكُوْنَۙ٨٧
Wa la'in sa'altahum man khalaqahum layaqūlunnallāhu fa annā yu'fakūn(a).
[87]
Lamun seug hidep tumanya ka maranéhna, “Saha anu nyiptakeun aranjeun?” Pasti maranéhna ngajawab, “Allah.” Nya kumaha atuh maranéhna bisa dipéngparkeun (tina nyembah ka Allah).
وَقِيْلِهٖ يٰرَبِّ اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ قَوْمٌ لَّا يُؤْمِنُوْنَۘ٨٨
Wa qīlihī yā rabbi inna hā'ulā'i qaumul lā yu'minūn(a).
[88]
(Allah uninga) kana ucapan rasul-Na (waktu ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi, sayaktosna maranéhna téh kaom anu henteu iman.”
فَاصْفَحْ عَنْهُمْ وَقُلْ سَلٰمٌۗ فَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ ࣖ٨٩
Faṣfaḥ ‘anhum wa qul salām(un), fa saufa ya‘lamūn(a).
[89]
Ku kituna, geura ngabalieur hidep (Muhammad) ti maranéhna jeung pok caritakeun ku hidep, “Salam (Pileuleuyan).” Jaga maranéhna bakal nyahoeun kana (nasib maranéhna anu goréng).