Surah Asy-Syura
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1]
Ḥā Mīm. 812
812) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
عۤسۤقۤ ۗ٢
‘Ain sīn qāf.
[2]
Ain Sīn Qāf. 813
813) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
كَذٰلِكَ يُوْحِيْٓ اِلَيْكَ وَاِلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكَۙ اللّٰهُ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٣
Każālika yūḥī ilaika wa ilal-lażīna min qablik(a), allāhul-‘azīzul-ḥakīm(u).
[3]
Kitu pisan Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana ngawahyukeun ka hidep (Muhammad) jeung ka para rasul saméméh hidep.
لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَهُوَ الْعَلِيُّ الْعَظِيْمُ٤
Lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa huwal-‘aliyyul-‘aẓīm(u).
[4]
Mung kagungan Mantenna sagala rupa anu aya di langit jeung bumi. Mantenna Mahaluhung (tur) Mahaagung.
تَكَادُ السَّمٰوٰتُ يَتَفَطَّرْنَ مِنْ فَوْقِهِنَّ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ يُسَبِّحُوْنَ بِحَمْدِ رَبِّهِمْ وَيَسْتَغْفِرُوْنَ لِمَنْ فِى الْاَرْضِۗ اَلَآ اِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ٥
Takādus-samāwātu yatafaṭṭarna min fauqihinna wal-malā'ikatu yusabbiḥūna biḥamdi rabbihim wa yastagfirūna liman fil-arḍ(i), alā innallāha huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[5]
Ampir baé éta langit beulah bagian luhurna (lantaran kaagungan Allah). Para malaikat tasbéh muji ka Mantenna tur mangnedakeun pangampura pikeun saha baé anu aya di (bumi). Sing inget hidep (Muhammad) yén saleresna Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَالَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءَ اللّٰهُ حَفِيْظٌ عَلَيْهِمْۖ وَمَآ اَنْتَ عَلَيْهِمْ بِوَكِيْلٍ٦
Wal-lażīnattakhażū min dūnihī auliyā'allāhu ḥafīẓun ‘alaihim, wa mā anta ‘alaihim biwakīl(in).
[6]
Jalma-jalma anu milih panyalindungan salian ti Allah, nya saleresna Mantenna mah nalingakeun (pagawéan) maranéhna, sedengkeun hidep (Muhammad) sanés jalmi anu dipasrahan tugas pikeun nalingakeun maranéhna.
وَكَذٰلِكَ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا لِّتُنْذِرَ اُمَّ الْقُرٰى وَمَنْ حَوْلَهَا وَتُنْذِرَ يَوْمَ الْجَمْعِ لَا رَيْبَ فِيْهِ ۗفَرِيْقٌ فِى الْجَنَّةِ وَفَرِيْقٌ فِى السَّعِيْرِ٧
Wa każālika auḥainā ilaika qur'ānan ‘arabiyyal litunżira ummal-qurā wa man ḥaulahā wa tunżira yaumal-jam‘i lā raiba fīh(i), farīqun fil-jannati wa farīqun fis-sa‘īr(i).
[7]
Nya kitu pisan Kami (Allah) ngawahyukeun Al-Qur’an ka hidep (Muhammad) dina basa Arab, sangkan hidep méré pépéling ka pangeusi puseur (Mekah) tur ka pangeusi nagri-nagri sabudeureunana, sarta méré pépéling ngeunaan poé dikumpulkeunana (mahluk dina Poé Kiamat) anu teu diragukeun deui. Sagolongan bakal asup ka sawarga jeung sagolongan deui asup ka naraka.
وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَجَعَلَهُمْ اُمَّةً وَّاحِدَةً وَّلٰكِنْ يُّدْخِلُ مَنْ يَّشَاۤءُ فِيْ رَحْمَتِهٖۗ وَالظّٰلِمُوْنَ مَا لَهُمْ مِّنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ٨
Wa lau syā'allāhu laja‘alahum ummataw wāḥidataw wa lākiy yudkhilu may yasyā'u fī raḥmatih(ī), waẓ-ẓālimūna mā lahum miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[8]
Lamun seug ngersakeun, pasti Allah ngajadikeun maranéhna hiji umat wungkul, tapi Mantenna bakal ngalebetkeun jalma-jalma anu dikersakeuna-Na kana rahmat-Na. Saméntara pikeun jalma-jalma anu dolim mah moal aya nu nangtayungan jeung nu nulungan.
اَمِ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءَۚ فَاللّٰهُ هُوَ الْوَلِيُّ وَهُوَ يُحْيِ الْمَوْتٰى ۖوَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ࣖ٩
Amittakhażū min dūnihī auliyā'(a), fallāhu huwal-waliyyu wa huwa yuḥyil-mautā, wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[9]
Atawa (naha pantes) maranéhna milih anu nangtayungan salian ti Allah? Padahal Allah téh nu nangtayungan (nu sabenerna). Mantenna ngahirupkeun jalma-jalma nu geus maot. Mantenna Mahakawasa kana sagala urusan.
وَمَا اخْتَلَفْتُمْ فِيْهِ مِنْ شَيْءٍ فَحُكْمُهٗٓ اِلَى اللّٰهِ ۗذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبِّيْ عَلَيْهِ تَوَكَّلْتُۖ وَاِلَيْهِ اُنِيْبُ١٠
Wa makhtalaftum fīhi min syai'in faḥukmuhū ilallāh(i), żālikumullāhu rabbī ‘alaihi tawakkaltu wa ilaihi unīb(u).
[10]
Naon baé anu dipacéngkadkeun ku maranéhna, nya putusanana (dipasrahkeun) ka Allah. (Anu ngagaduhan éta sipat-sipat téh) nyaéta Allah Pangéran kuring. Mung ka Mantenna kuring tawekal jeung mulang.
فَاطِرُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ جَعَلَ لَكُمْ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ اَزْوَاجًا وَّمِنَ الْاَنْعَامِ اَزْوَاجًاۚ يَذْرَؤُكُمْ فِيْهِۗ لَيْسَ كَمِثْلِهٖ شَيْءٌ ۚوَهُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ١١
Fāṭirus-samāwāti wal-arḍ(i), ja‘ala lakum min anfusikum azwājaw wa minal-an‘āmi azwājā(n), yażra'ukum fīh(i), laisa kamiṡlihī syai'(un), wa huwas-samī‘ul-baṣīr(u).
[11]
(Allah) anu nyiptakeun langit jeung bumi. Mantenna ngajadikeun pikeun aranjeun pasangan-pasangan ti jinis aranjeun sorangan. Pikeun bangsaning ingon-ingon aya ogé pasangan-pasanganana. Mantenna ngarundaykeun katurunan aranjeun ku cara kitu. Teu aya hiji perkara ogé anu sarupa sareng Mantenna. Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
لَهٗ مَقَالِيْدُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُ ۗاِنَّهٗ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ١٢
Lahū maqālīdus-samāwāti wal-arḍ(i), yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdir(u), innahū bikulli syai'in ‘alīm(un).
[12]
Mung kagungan Mantenna sakabéh nu aya di langit jeung bumi. Mantenna anu ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki pikeun saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Saleresna Mantenna téh Mahauninga kana sagala urusan.
۞ شَرَعَ لَكُمْ مِّنَ الدِّيْنِ مَا وَصّٰى بِهٖ نُوْحًا وَّالَّذِيْٓ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ وَمَا وَصَّيْنَا بِهٖٓ اِبْرٰهِيْمَ وَمُوْسٰى وَعِيْسٰٓى اَنْ اَقِيْمُوا الدِّيْنَ وَلَا تَتَفَرَّقُوْا فِيْهِۗ كَبُرَ عَلَى الْمُشْرِكِيْنَ مَا تَدْعُوْهُمْ اِلَيْهِۗ اَللّٰهُ يَجْتَبِيْٓ اِلَيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْٓ اِلَيْهِ مَنْ يُّنِيْبُۗ١٣
Syara‘a lakum minad-dīni mā waṣṣā bihī nūḥaw wal-lażī auḥainā ilaika wa mā waṣṣā bihī ibrāhīma wa mūsā wa ‘īsā an aqīmud-dīna wa lā tatafarraqū fīh(i), kabura ‘alal-musyrikīna mā tad‘ūhum ilaih(i), allāhu yajtabī ilaihi may yasyā'u wa yahdī ilaihi may yunīb(u).
[13]
Mantenna (Allah) geus nyaré’atkeun ka aranjeun agama anu geus diwasiatkeun ogé ku Mantenna ka Nuh, anu geus diwahyukan ogé ka hidep (Muhammad), sarta naon anu geus diwasiatkan ogé ka Ibrahim, Musa, sarta Isa, nyaéta geura adegkeun agama (kaimanan sarta katakwaan) sarta ulah paburencay dina éta (agama). Kacida beuratna pikeun jalma-jalma musrik (pikeun milu) kana agama anu ku hidep ditepikeun ka maranéhna. Allah milih saha baé anu dikersakeun ku Mantenna (kana agama taohid) sarta maparin pituduh kana (agama)-Na ka saha baé anu mulang (ka Mantenna).
وَمَا تَفَرَّقُوْٓا اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَهُمُ الْعِلْمُ بَغْيًاۢ بَيْنَهُمْۗ وَلَوْلَا كَلِمَةٌ سَبَقَتْ مِنْ رَّبِّكَ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى لَّقُضِيَ بَيْنَهُمْۗ وَاِنَّ الَّذِيْنَ اُوْرِثُوا الْكِتٰبَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ لَفِيْ شَكٍّ مِّنْهُ مُرِيْبٍ١٤
Wa mā tafarraqū illā mim ba‘di mā jā'ahumul-‘ilmu bagyam bainahum, wa lau lā kalimatun sabaqat mir rabbika ilā ajalim musammal laquḍiya bainahum, wa innal-lażīna ūriṡul-kitāba mim ba‘dihim lafī syakkim minhu murīb(in).
[14]
Maranéhna (Ahli Kitab) henteu paburencay kajaba sanggeus datang ka maranéhna élmu (bebeneran anu ditepikeun ku para nabi), lantaran hiri dengki di antara maranéhna. Lamun seug lain karana papastén anu leuwih ti heula ti Mantenna (pikeun nunda heula siksa) nepi kana cunduk waktu anu tangtu, pasti maranéhna téh bakal dibinasakeun (harita kénéh). Saenyana jalma-jalma anu meunang warisan Kitab (Torét jeung Injil) sanggeus maranéhna (aya dina jaman Muhammad) bener-bener dina kamangmang anu kacida ngabingungkeunana ngeunaan éta Kitab (Al-Qur’an).
فَلِذٰلِكَ فَادْعُ ۚوَاسْتَقِمْ كَمَآ اُمِرْتَۚ وَلَا تَتَّبِعْ اَهْوَاۤءَهُمْۚ وَقُلْ اٰمَنْتُ بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ مِنْ كِتٰبٍۚ وَاُمِرْتُ لِاَعْدِلَ بَيْنَكُمْ ۗ اَللّٰهُ رَبُّنَا وَرَبُّكُمْ ۗ لَنَآ اَعْمَالُنَا وَلَكُمْ اَعْمَالُكُمْ ۗ لَاحُجَّةَ بَيْنَنَا وَبَيْنَكُمْ ۗ اَللّٰهُ يَجْمَعُ بَيْنَنَا ۚوَاِلَيْهِ الْمَصِيْرُ ۗ١٥
Fa liżālika fad‘(u), wastaqim kamā umirt(a), wa lā tattabi‘ ahwā'ahum, wa qul āmantu bimā anzalallāhu min kitāb(in), wa umirtu li'a‘dila bainakum, allāhu rabbunā wa rabbukum, lanā a‘mālunā wa lakum a‘mālukum, lā ḥujjata bainanā wa bainakum, allāhu yajma‘u bainanā,wa ilaihil-maṣīr(u).
[15]
Ku kituna, geura ajak (maranéhna sangkan iman) jeung tetep (dina iman jeung dakwah) sakumaha anu diparéntahkeun ka hidep (Muhammad). Omat hidep ulah nurut kana kahayang (hawa napsu) maranéhna. Pék kedalkeun, “Kuring iman kana sakabéh kitab anu geus diturunkeun ku Allah. Kuring diparéntah sangkan milampah kaadilan di antara aranjeun. Allah téh Pangéran kuring saréréa jeung Pangéran aranjeun. Pikeun kuring saréréa amal kuring saréréa jeung pikeun aranjeun ogé amal aranjeun. Henteu perlu aya papaséaan antara kuring saréréa jeung aranjeun. Allah bakal ngumpulkeun urang saréréa. Mung ka Mantenna (urang saréréa) bakal balik.”
وَالَّذِيْنَ يُحَاۤجُّوْنَ فِى اللّٰهِ مِنْۢ بَعْدِ مَا اسْتُجِيْبَ لَهٗ حُجَّتُهُمْ دَاحِضَةٌ عِنْدَ رَبِّهِمْ وَعَلَيْهِمْ غَضَبٌ وَّلَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ١٦
Wal-lażīna yuḥājjūna fillāhi mim ba‘di mastujība lahū ḥujjatuhum dāḥiḍatun ‘inda rabbihim wa ‘alaihim gaḍabuw wa lahum ‘ażābun syadīd(un).
[16]
Jalma-jalma anu hog-hag ngeunaan (agama) Allah sanggeus éta (agama) ditarima, nya hog-hagna téh mubah di mungguhing Pangéranana mah. Maranéhna meunang bebendon sarta siksa anu kacida rongkahna.
اَللّٰهُ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ وَالْمِيْزَانَ ۗوَمَا يُدْرِيْكَ لَعَلَّ السَّاعَةَ قَرِيْبٌ١٧
Allāhul-lażī anzalal-kitāba bil-ḥaqqi wal-mīzān(a), wa mā yudrīka la‘allas-sā‘ata qarīb(un).
[17]
Allah anu nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) kalayan ḥaq (bener jeung mawa bebeneran) sarta nurunkeun naraca (kaadilan). Naha hidep (Muhammad) uninga yén Poé Kiamat téh boa-boa geus deukeut?
يَسْتَعْجِلُ بِهَا الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِهَاۚ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مُشْفِقُوْنَ مِنْهَاۙ وَيَعْلَمُوْنَ اَنَّهَا الْحَقُّ ۗ اَلَآ اِنَّ الَّذِيْنَ يُمَارُوْنَ فِى السَّاعَةِ لَفِيْ ضَلٰلٍۢ بَعِيْدٍ١٨
Yasta‘jilu bihal-lażīna lā yu'minūna bihā, wal-lażīna āmanū musyfiqūna minhā, wa ya‘lamūna annahal-ḥaqq(u), alā innal-lażīna yumārūna fis-sā‘ati lafī ḍalālim ba‘īd(in).
[18]
Jalma-jalma anu henteu iman kana Poé Kiamat ménta sangkan éta poé geura lumangsung. Sabalikna jalma-jalma anu iman mah sieuneun kana lumangsungna téh, lantaran nyahoeun yén éta téh bener. Kanyahokeun ku hidep (Muhammad), yén saenyana jalma-jalma anu teu iman kana tumibana Poé Kiamat téh bener-bener aya dina kasasaran anu kacida jauhna.
اَللّٰهُ لَطِيْفٌۢ بِعِبَادِهٖ يَرْزُقُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۚوَهُوَ الْقَوِيُّ الْعَزِيْزُ ࣖ١٩
Allāhu laṭīfum bi‘ibādihī yarzuqu may yasyā'(u), wa huwal-qawiyyul-‘azīz(u).
[19]
Allah Maha Lemah-lembut ka hamba-hamba-Na. Mantenna maparin rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna Mahakuat (tur) Mahagagah.
مَنْ كَانَ يُرِيْدُ حَرْثَ الْاٰخِرَةِ نَزِدْ لَهٗ فِيْ حَرْثِهٖۚ وَمَنْ كَانَ يُرِيْدُ حَرْثَ الدُّنْيَا نُؤْتِهٖ مِنْهَاۙ وَمَا لَهٗ فِى الْاٰخِرَةِ مِنْ نَّصِيْبٍ٢٠
Man kāna yurīdu ḥarṡal-ākhirati nazid lahū fī ḥarṡih(ī), wa man kāna yurīdu ḥarṡad-dun-yā nu'tihī minhā, wa mā lahū fil-ākhirati min naṣīb(in).
[20]
Saha baé anu miharep kauntungan di ahérat, nya Kami bakal nambahan éta kauntungan keur anjeunna. Saha baé anu miharep kauntungan di dunya (wungkul), nya Kami bakal méré ka manéhna (sawaréh) tina éta (kauntungan dunya), ngan pikeun manéhna moal aya bagian di ahérat.
اَمْ لَهُمْ شُرَكٰۤؤُا شَرَعُوْا لَهُمْ مِّنَ الدِّيْنِ مَا لَمْ يَأْذَنْۢ بِهِ اللّٰهُ ۗوَلَوْلَا كَلِمَةُ الْفَصْلِ لَقُضِيَ بَيْنَهُمْ ۗوَاِنَّ الظّٰلِمِيْنَ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٢١
Am lahum syurakā'u syara‘ū lahum minad-dīni mā lam ya'żam bihillāh(u), wa lau lā kalimatul-faṣli laquḍiya bainahum, wa innaẓ-ẓālimīna lahum ‘ażābun alīm(un).
[21]
Naha maranéhna ngabogaan sesembahan salian ti Allah anu netepkeun aturan agama pikeun maranéhna anu henteu diidinan (diridoan) ku Allah? Saupama teu aya papastén anu nunda (hukuman ti Allah), pasti hukuman pikeun maranéhna téh geus dilaksanakeun. Saenyana jalma-jalma anu dolim bakal meunang siksa anu kacida nyerina.
تَرَى الظّٰلِمِيْنَ مُشْفِقِيْنَ مِمَّا كَسَبُوْا وَهُوَ وَاقِعٌۢ بِهِمْ ۗوَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فِيْ رَوْضَاتِ الْجَنَّاتِۚ لَهُمْ مَّا يَشَاۤءُوْنَ عِنْدَ رَبِّهِمْ ۗذٰلِكَ هُوَ الْفَضْلُ الْكَبِيْرُ٢٢
Taraẓ-ẓālimīna musyfiqīna mimmā kasabū wa huwa wāqi‘um bihim, wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fī rauḍātil-jannāt(i), lahum mā yasyā'ūna ‘inda rabbihim, żālika huwal-faḍlul-kabīr(u).
[22]
Hidep (Muhammad) bakal niténan (dina Poé Kiamat) jalma-jalma anu dolim téh kacida sieunna alatan ku (kagoréngan-kagoréngan) anu geus diupayakeun ku maranéhna, sedengkeun wawalesna téh bakal tumiba ka maranéhna. Ari jalma-jalma anu iman tur milampah kahadéan mah (aya) di taman-taman sawarga. Pikeun aranjeunna disadiakeun naon rupa anu dipikahoyong ku aranjeunna mungguhing Mantenna. Éta téh kurnia anu kacida gedéna.
ذٰلِكَ الَّذِيْ يُبَشِّرُ اللّٰهُ عِبَادَهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِۗ قُلْ لَّآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ اَجْرًا اِلَّا الْمَوَدَّةَ فِى الْقُرْبٰىۗ وَمَنْ يَّقْتَرِفْ حَسَنَةً نَّزِدْ لَهٗ فِيْهَا حُسْنًا ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ شَكُوْرٌ٢٣
Żālikal-lażī yubasysyirullāhu ‘ibādahul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāt(i), qul lā as'alukum ‘alaihi ajran illal-mawaddata fil-qurbā, wa may yaqtarif ḥasanatan nazid lahū fīhā ḥusnā(n), innallāha gafūrun syakūr(un).
[23]
Éta pisan (kurnia) anu didugikeun ku Allah pikeun ngabubungah hamba-hamba-Na anu iman sarta milampah kahadéan. Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun tina éta perkara (nepikeun risalah) salian ti mikanyaah dina kakulawargaaan.” Saha baé anu ngupayakeun kahadéan, pasti Kami bakal nambah éta (kahadéan) ka anjeunna. Saleresna Allah Mahajembar ku Pangampura (tur) Mahasukur. 814
814) Allah Mahasukur, maksudna Allah ngaganjar ka saha baé jalma anu sukuran ka Mantenna ku cara méré ganjaran kana amal soléh, ngahampura kasalahan, nambah ni’mat, jeung sajabana.
اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًاۚ فَاِنْ يَّشَاِ اللّٰهُ يَخْتِمْ عَلٰى قَلْبِكَ ۗوَيَمْحُ اللّٰهُ الْبَاطِلَ وَيُحِقُّ الْحَقَّ بِكَلِمٰتِهٖ ۗاِنَّهٗ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٢٤
Am yaqūlūnaftarā ‘alallāhi każibā(n), fa'iy yasya'illāhu yakhtim ‘alā qalbik(a), wa yamḥullāhul-bāṭila wa yuḥiqqul-ḥaqqa bikalimātih(ī), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[24]
Naha maranéhna (jalma-jalma musrik masih terus-terusan) ngomong kieu, “Manéh (Muhammad) geus ngayakeun kabohongan ngeunaan Allah?” Lamun seug ngersakeun, Allah pasti matri kana manah hidep (Muhammad). Allah bakal mupus kabatilan sarta bakal nguatkeun anu bener ku dawuhan-dawuhana-Na. Saleresna Mantenna Mahauninga kana sagala eusi haté
وَهُوَ الَّذِيْ يَقْبَلُ التَّوْبَةَ عَنْ عِبَادِهٖ وَيَعْفُوْا عَنِ السَّيِّاٰتِ وَيَعْلَمُ مَا تَفْعَلُوْنَۙ٢٥
Wa huwal-lażī yaqbalut-taubata ‘an ‘ibādihī wa ya‘fū ‘anis-sayyi'āti wa ya‘lamu mā taf‘alūn(a).
[25]
Mantenna anu nampi tobat ti para hamba-Na, ngahampura kasalahan-kasalahan, sarta Mahauninga kana naon nu dipigawé ku aranjeun.
وَيَسْتَجِيْبُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَيَزِيْدُهُمْ مِّنْ فَضْلِهٖ ۗوَالْكٰفِرُوْنَ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ٢٦
Wa yastajībul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa yazīduhum min faḍlih(ī), wal-kāfirūna lahum ‘ażābun syadīd(un).
[26]
Mantenna anu ngaijabah (doana) jalma-jalma anu iman sarta milampah kahadéan, jeung anu nambah (pahala) ka aranjeunna tina kurnia-Na. Jalma-jalma anu kupur mah bakal meunang siksa anu kacida rongkahna.
۞ وَلَوْ بَسَطَ اللّٰهُ الرِّزْقَ لِعِبَادِهٖ لَبَغَوْا فِى الْاَرْضِ وَلٰكِنْ يُّنَزِّلُ بِقَدَرٍ مَّا يَشَاۤءُ ۗاِنَّهٗ بِعِبَادِهٖ خَبِيْرٌۢ بَصِيْرٌ٢٧
Wa lau basaṭallāhur rizqa li‘ibādihī labagau fil-arḍi wa lākiy yunazzilu biqadarim mā yasyā'(u), innahū bi‘ibādihī khabīrum baṣīr(un).
[27]
Lamun seug Allah ngajembarkeun rejeki ka para hamba-Na, tangtu maranéhna bakal ngaliwatan wates di bumi, nanging Allah ngalungsurkeun naon rupa anu dikersakeun ku Mantenna kalayan ukuran (nu tangtu). Saleresna Mantenna Mahataliti kana (kaayaan) hamba-hamba-Na (tur) Maha Ningali.
وَهُوَ الَّذِيْ يُنَزِّلُ الْغَيْثَ مِنْۢ بَعْدِ مَا قَنَطُوْا وَيَنْشُرُ رَحْمَتَهٗ ۗوَهُوَ الْوَلِيُّ الْحَمِيْدُ٢٨
Wa huwal-lażī yunazzilul-gaiṡa mim ba‘di mā qanaṭū wa yansyuru raḥmatah(ū), wa huwal-waliyyul-ḥamīd(u).
[28]
Mantenna anu ngalungsurkeun hujan sanggeus maranéhna pegat harepan sarta anu nyebarkeun rahmat-Na. Mantenna Maha Nangtayungan (tur) Mahapinuji.
وَمِنْ اٰيٰتِهٖ خَلْقُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَثَّ فِيْهِمَا مِنْ دَاۤبَّةٍ ۗوَهُوَ عَلٰى جَمْعِهِمْ اِذَا يَشَاۤءُ قَدِيْرٌ ࣖ٢٩
Wa min āyātihī khalqus-samāwāti wal-arḍi wa mā baṡṡa fīhimā min dābbah(tin), wa huwa ‘alā jam‘ihim iżā yasyā'u qadīr(un).
[29]
Sawaréh tina tanda-tanda (kakawasaan) Pangéran téh nyaéta nyiptakeun langit jeung bumi sarta mahluk-mahluk anu ngarayap (kaasup manusa) anu ku Mantenna disebarkeun di éta (langit jeung bumi). Upama ngersakeun, Mantenna Mahakawasa pikeun ngumpulkeun kabéhanana.
وَمَآ اَصَابَكُمْ مِّنْ مُّصِيْبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ اَيْدِيْكُمْ وَيَعْفُوْا عَنْ كَثِيْرٍۗ٣٠
Wa mā aṣābakum mim muṣībatin fabimā kasabat aidīkum wa ya‘fū ‘an kaṡīr(in).
[30]
Naon baé musibah anu tumiba ka maranéh éta téh lantaran sagala anu geus diupayakeun ku leungeun-leungeun maranéh sorangan. Mantenna ngahampura kana sabagian gedé (kesalahan-kesalahan maranéh).
وَمَآ اَنْتُمْ بِمُعْجِزِيْنَ فِى الْاَرْضِۚ وَمَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ٣١
Wa mā antum bimu‘jizīna fil-arḍ(i), wa mā lakum min dūnillāhi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[31]
Maranéh moal bisa ngeuleupasken diri (tina siksa Allah) di bumi jeung maranéh moal pisan-pisan manggihan nu nangtayungan tur nu nulungan salian ti Allah.
وَمِنْ اٰيٰتِهِ الْجَوَارِ فِى الْبَحْرِ كَالْاَعْلَامِ ۗ٣٢
Wa min āyātihil-jawāri fil-baḥri kal-a‘lām(i).
[32]
Sawaréh tina tanda-tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta parahu-parahu anu lalayaran di laut saperti gunung-gunung. 815
815) Ngajalungkiring luhur anu mawa muatan beurat, tapi teu tilelep.
اِنْ يَّشَأْ يُسْكِنِ الرِّيْحَ فَيَظْلَلْنَ رَوَاكِدَ عَلٰى ظَهْرِهٖۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّكُلِّ صَبَّارٍ شَكُوْرٍۙ٣٣
Iy yasya' yuskinir-rīḥa fa yaẓlalna rawākida ‘alā ẓahrih(ī), inna fī żālika la'āyātil likulli ṣabbārin syakūr(in).
[33]
Saupama ngersakeun, pasti Mantenna ngareureuhkeun angin nepi ka éta parahu-parahu (anu lalayaran) téh eureun dina luhureun laut. Saenyana dina éta perkara téh bener-bener (aya) tanda-tanda (kakawasaan Mantenna) pikeun saha baé anu sok sabar (tur) loba sukuran;
اَوْ يُوْبِقْهُنَّ بِمَا كَسَبُوْا وَيَعْفُ عَنْ كَثِيْرٍۙ٣٤
Au yūbiqhunna bimā kasabū wa ya‘fu ‘an kaṡīr(in).
[34]
Atawa (Mantenna bakal) ngancurkeun éta parahu-parahu alatan (dosa) nu diupayakeun ku maranéhna, atawa Mantenna ngahampura kana sabagian gedé (kasalahan maranéhna).
وَّيَعْلَمَ الَّذِيْنَ يُجَادِلُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِنَاۗ مَا لَهُمْ مِّنْ مَّحِيْصٍ٣٥
Wa ya‘lamal-lażīna yujādilūna fī āyātinā, mā lahum mim maḥīṣ(in).
[35]
(Naon nu dipidamel ku Allah tadi téh nyaéta pikeun némbongkeun kakawasana-Na,) sarta sangkan jalma-jalma anu ngabantah kana tanda-tanda (kakawasaan) Mantenna nyaho yén maranéhna téh henteu boga pijalaneun kaluar (tina siksa).
فَمَآ اُوْتِيْتُمْ مِّنْ شَيْءٍ فَمَتَاعُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۚوَمَا عِنْدَ اللّٰهِ خَيْرٌ وَّاَبْقٰى لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَۚ٣٦
Famā ūtītum min syai'in fa matā‘ul-ḥayātid-dun-yā, wa mā ‘indallāhi khairuw wa abqā lil-lażīna āmanū wa ‘alā rabbihim yatawakkalūn(a).
[36]
Naon baé (kani’matan) anu dibikeun ka maranéhna, nya éta téh taya lian ngan pikeun kasenangan kahirupan dunya wungkul. Sedengkeun (kani’matan) mungguhing Allah mah leuwih hadé tur leuwih langgeng pikeun jalma-jalma anu iman. Mung ka Mantenna wungkul aranjeunna tawekal.
وَالَّذِيْنَ يَجْتَنِبُوْنَ كَبٰۤىِٕرَ الْاِثْمِ وَالْفَوَاحِشَ وَاِذَا مَا غَضِبُوْا هُمْ يَغْفِرُوْنَ ۚ٣٧
Wal-lażīna yajtanibūna kabā'iral-iṡmi wal-fawāḥisya wa iżā mā gaḍibū hum yagfirūn(a).
[37]
(Éta kani`matan nu hadé tur langgeng téh) ogé pikeun jalma-jalma anu nyingkahan dosa-dosa gedé jeung pagawéan-pagawéan kotor. Upama (meunang perlakuan goréng anu ngandung) amarah, aranjeunna gancang ngahampura (sanajan sanggup pikeun ngabalesna).
وَالَّذِيْنَ اسْتَجَابُوْا لِرَبِّهِمْ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَۖ وَاَمْرُهُمْ شُوْرٰى بَيْنَهُمْۖ وَمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَ ۚ٣٨
Wal-lażīnastajābū lirabbihim wa aqāmuṣ-ṣalāta wa amruhum syūrā bainahum, wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[38]
(Éta kani`matan nu hadé tur langgeng téh) ogé pikeun jalma-jalma anu narima (nohonan) kana pangajak Pangéran jeung ngadegkeun salat, sedengkeun urusanana (diputuskeun) ngaliwatan musawarah di antara aranjeunna, tur aranjeunna ngainpakkeun sawaréh tina rejeki anu ku Kami geus dipaparinkeun ka aranjeunna.
وَالَّذِيْنَ اِذَآ اَصَابَهُمُ الْبَغْيُ هُمْ يَنْتَصِرُوْنَ٣٩
Wal-lażīna iżā aṣābahumul-bagyu hum yantaṣirūn(a).
[39]
(Éta kani`matan nu hadé tur langgeng téh) ogé pikeun jalma-jalma anu upama didoliman, aranjeunna ngabéla diri.
وَجَزٰۤؤُا سَيِّئَةٍ سَيِّئَةٌ مِّثْلُهَا ۚفَمَنْ عَفَا وَاَصْلَحَ فَاَجْرُهٗ عَلَى اللّٰهِ ۗاِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الظّٰلِمِيْنَ٤٠
Wa jazā'u sayyi'atin sayyi'atum miṡluhā, faman ‘afā wa aṣlaḥa fa ajruhū ‘alallāh(i), innahū lā yuḥibbuẓ-ẓālimīn(a).
[40]
Wawales pikeun hiji kagoréngan téh nyaéta kagoréngan anu satimpal jeung éta (kagoréngan), tapi saha baé anu ngahampura tur migawé kahadéan (ka jalma nu migawé jahat), mangka ganjaranna ti Allah. Saleresna Mantenna henteu mikaresep ka jalma-jalma dolim.
وَلَمَنِ انْتَصَرَ بَعْدَ ظُلْمِهٖ فَاُولٰۤىِٕكَ مَا عَلَيْهِمْ مِّنْ سَبِيْلٍۗ٤١
Wa lamanintaṣara ba‘da ẓulmihī fa ulā'ika mā ‘alaihim min sabīl(in).
[41]
Ngan jalma-jalma anu ngabéla dirina sanggeus didoliman, nya teu aya jalan (pikeun disalahkeun)
اِنَّمَا السَّبِيْلُ عَلَى الَّذِيْنَ يَظْلِمُوْنَ النَّاسَ وَيَبْغُوْنَ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٤٢
Innamas-sabīlu ‘alal-lażīna yaẓlimūnan-nāsa wa yabgūna fil-arḍi bigairil-ḥaqq(i), ulā'ika lahum ‘ażābun alīm(un).
[42]
Saenyana (jalan pikeun nyalahkeun) mah ngan pikeun jalma-jalma anu dolim ka papada (manusa) jeung ngaliwatan wates di bumi tanpa alesan anu bener. Pikeun maranéhna siksa anu kacida peurihna.
وَلَمَنْ صَبَرَ وَغَفَرَ اِنَّ ذٰلِكَ لَمِنْ عَزْمِ الْاُمُوْرِ ࣖ٤٣
Wa laman ṣabara wa gafara inna żālika lamin ‘azmil-umūr(i).
[43]
Tapi saha baé anu sabar tur jembar pangampurana, saenyana (sikep) anu kitu téh bener-bener kaasup kana pagawéan anu mulya.
وَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ وَّلِيٍّ مِّنْۢ بَعْدِهٖ ۗوَتَرَى الظّٰلِمِيْنَ لَمَّا رَاَوُا الْعَذَابَ يَقُوْلُوْنَ هَلْ اِلٰى مَرَدٍّ مِّنْ سَبِيْلٍۚ٤٤
Wa may yuḍlilillāhu famā lahū miw waliyyim mim ba‘dih(ī), wa taraẓ-ẓālimīna lammā ra'awul-‘ażāba yaqūlūna hal ilā maraddim min sabīl(in).
[44]
Saha baé anu disasarkeun ku Allah, nya moal aya tempat panyalindungan sanggeusna. Hidep (Muhammad) bakal niténan jalma-jalma anu dolim ngomong waktu nyaksian siksa, “Naha aya jalan geusan balik deui (ka dunya)?”
وَتَرٰىهُمْ يُعْرَضُوْنَ عَلَيْهَا خٰشِعِيْنَ مِنَ الذُّلِّ يَنْظُرُوْنَ مِنْ طَرْفٍ خَفِيٍّۗ وَقَالَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّ الْخٰسِرِيْنَ الَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ وَاَهْلِيْهِمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ اَلَآ اِنَّ الظّٰلِمِيْنَ فِيْ عَذَابٍ مُّقِيْمٍ٤٥
Wa tarāhum yu‘raḍūna ‘alaihā khāsyi‘īna minaż żulli yanẓurūna min ṭarfin khafiyy(in), wa qālal-lażīna āmanū innal-khāsirīnal-lażīna khasirū anfusahum wa ahlīhim yaumal-qiyāmah(ti), alā innaẓ-ẓālimīna fī ‘ażābim muqīm(in).
[45]
Hidep (Muhammad) bakal ningal maranéhna digiring ka naraka dina kaayaan tungkul ku (ngarasa) hina. Maranéhna nempo ku teuteupan anu ceuleuyeu. Jalma-jalma anu iman nyarita, “Saenyana jalma-jalma anu rugi téh nyaéta jalma-jalma anu (ngarugikeun) ka dirina sorangan sarta ka kulawargana dina Poé Kiamat.” Sing inget yén saenyana jalma-jalma anu dolim téh aya dina siksa (Pangéran) anu langgeng.
وَمَا كَانَ لَهُمْ مِّنْ اَوْلِيَاۤءَ يَنْصُرُوْنَهُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗوَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ سَبِيْلٍ ۗ٤٦
Wa mā kāna lahum min auliyā'a yanṣurūnahum min dūnillāh(i), wa may yuḍlilillāhu famā lahū min sabīl(in).
[46]
Maranéhna henteu pisan-pisan ngabogaan panyalindungan anu bisa nulungan ka maranéhna salian ti Allah. Saha baé anu disasarkeun ku Allah, pikeun maranéhna henteu aya pisan jalan (pikeun meunang pituduh).
اِسْتَجِيْبُوْا لِرَبِّكُمْ مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَ يَوْمٌ لَّا مَرَدَّ لَهٗ مِنَ اللّٰهِ ۗمَا لَكُمْ مِّنْ مَّلْجَاٍ يَّوْمَىِٕذٍ وَّمَا لَكُمْ مِّنْ نَّكِيْرٍ٤٧
Istajībū lirabbikum min qabli ay ya'tiya yaumul lā maradda lahū minallāh(i), mā lakum mim malja'iy yauma'iżiw wa mā lakum min nakīr(in).
[47]
Geura tedunan pangajak Pangéran maranéh seméméh datang hiji poé ti Mantenna anu teu bisa ditolak deui. Dina éta poé maranéh moal meunang tempat panyalindungan jeung bisa mungkir (kana dosa-dosa meranéh).
فَاِنْ اَعْرَضُوْا فَمَآ اَرْسَلْنٰكَ عَلَيْهِمْ حَفِيْظًا ۗاِنْ عَلَيْكَ اِلَّا الْبَلٰغُ ۗوَاِنَّآ اِذَآ اَذَقْنَا الْاِنْسَانَ مِنَّا رَحْمَةً فَرِحَ بِهَا ۚوَاِنْ تُصِبْهُمْ سَيِّئَةٌ ۢبِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْ فَاِنَّ الْاِنْسَانَ كَفُوْرٌ٤٨
Fa in a‘raḍū famā arsalnāka ‘alaihim ḥafīẓā(n), in ‘alaika illal-balāg(u), wa innā iżā ażaqnal-insāna minnā raḥmatan fariḥa bihā, wa in tuṣibhum sayyi'atum bimā qaddamat aidīhim fa'innal-insāna kafūr(un).
[48]
Upama maranéhna ngabalieur, nya Kami henteu ngutus hidep (Muhammad) pikeun ngajaga maranéhna. Kawajiban hidep mah taya lian iwal ti tukang nepikeun (risalah agama). Sabenerna upama Kami ngalimpahkeun rahmat ti Kami ka manusa, nya manéhna ngabagéakeunna ku suka bungah, ngan upama maranéhna ditibanan kasusah alatan ku polahna sorangan, (pasti manéhna ingkar). Saenyana manusa téh kacida ingkarna (kana ni’mat).
لِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ ۗيَهَبُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ اِنَاثًا وَّيَهَبُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ الذُّكُوْرَ ۙ٤٩
Lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), yakhluqu mā yasyā'(u), yahabu limay yasyā'u ināṡaw wa yahabu limay yasyā'uż-żukūr(a).
[49]
Mung kagungan Mantenna karajaan langit jeung bumi. Mantenna nyiptakeun naon anu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna maparinan anak awéwé jeung anak lalaki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna,
اَوْ يُزَوِّجُهُمْ ذُكْرَانًا وَّاِنَاثًا ۚوَيَجْعَلُ مَنْ يَّشَاۤءُ عَقِيْمًا ۗاِنَّهٗ عَلِيْمٌ قَدِيْرٌ٥٠
Au yuzawwijuhum żukrānaw wa ināṡā(n), wa yaj‘alu may yasyā'u ‘aqīmā(n), innahū ‘alīmun qadīr(un).
[50]
Mantenna ogé ngaanugerahkeun jinis lalaki jeung awéwé. Mantenna ngajantenkeun hapa (gabug) ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Da Mantenna Mahauninga (tur) Mahakawasa.
۞ وَمَا كَانَ لِبَشَرٍ اَنْ يُّكَلِّمَهُ اللّٰهُ اِلَّا وَحْيًا اَوْ مِنْ وَّرَاۤئِ حِجَابٍ اَوْ يُرْسِلَ رَسُوْلًا فَيُوْحِيَ بِاِذْنِهٖ مَا يَشَاۤءُ ۗاِنَّهٗ عَلِيٌّ حَكِيْمٌ٥١
Wa mā kāna libasyarin ay yukallimahullāhu illā waḥyan au miw warā'i ḥijābin au yursila rasūlan fa yūḥiya bi'iżnihī mā yasyā'(u), innahū ‘aliyyun ḥakīm(un).
[51]
Henteu aya saurang ogé manusa anu Allah (langsung) ngadawuh ka anjeunna, anging kalayan perantaraan wahyu atawa ti tukangeun aling-aling 816, atawa Mantenna ngutus hiji utusan (malaikat) tuluy ngawahyukeun naon anu dikersakeun ku Mantenna ka anjeunna kalayan widi-Na. Saleresna Mantenna téh Mahaluhung (tur) Mahawijaksana.
816) Manusa bisa mireungeu kalam Ilahi, tapi teu bisa nangenan Dat Pangéran (Allah), saperti kajadian anu kaalaman ku Nabi Musa a.s.
وَكَذٰلِكَ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ رُوْحًا مِّنْ اَمْرِنَا ۗمَا كُنْتَ تَدْرِيْ مَا الْكِتٰبُ وَلَا الْاِيْمَانُ وَلٰكِنْ جَعَلْنٰهُ نُوْرًا نَّهْدِيْ بِهٖ مَنْ نَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِنَا ۗوَاِنَّكَ لَتَهْدِيْٓ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍۙ٥٢
Wa każālika auḥainā ilaika rūḥam min amrinā, mā kunta tadrī mal-kitābu wa lal-īmānu wa lākin ja‘alnāhu nūran nahdī bihī man nasyā'u min ‘ibādinā, wa innaka latahdī ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[52]
Pon kitu deui Kami nurunkeun wahyu ka hidep (Muhammad) rūḥ (Al-Qur’an) ku paréntah Kami. Saméméhna hidep teu nyaho naon ari Kitab (Al-Qur’an) téh jeung naon ari iman téh. Tapi Kami ngajadikeun Al-Qur’an minangka cahaya. Kami maparin pituduh ku Al-Qur’an ka saha baé anu dikersakeun ti antara hamba-hamba Kami. Sabenerna hidep (Muhammad) bener-bener ngabingbing (manusa) kana jalan anu lempeng,
صِرَاطِ اللّٰهِ الَّذِيْ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ اَلَآ اِلَى اللّٰهِ تَصِيْرُ الْاُمُوْرُ ࣖ٥٣
Ṣirāṭillāhil-lażī lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), alā ilallāhi taṣīrul-umūr(u).
[53]
(nyaéta) jalan Allah anu mung kagungan Mantenna naon-naon anu aya di langit jeung bumi. Sing inget hidep (Muhammad) yén ngan ka Allah mulangna sagala urusan.