Surah Fussilat

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1] Ḥā Mīm. 807
807) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

تَنْزِيْلٌ مِّنَ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ۚ٢
Tanzīlum minar-raḥmānir-raḥīm(i).
[2] (Ieu Al-Qur’an) diturunkeun ti Pangéran Nu Mahawelas (tur) Nu Mahaasih.

كِتٰبٌ فُصِّلَتْ اٰيٰتُهٗ قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا لِّقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَۙ٣
Kitābun fuṣṣilat āyātuhū qur'ānan ‘arabiyyal liqaumiy ya‘lamūn(a).
[3] Kitab anu ayat-ayatna dijelaskeun minangka bacaan dina basa Arab pikeun kaom nu boga élmu,

بَشِيْرًا وَّنَذِيْرًاۚ فَاَعْرَضَ اَكْثَرُهُمْ فَهُمْ لَا يَسْمَعُوْنَ٤
Basyīraw wa nażīrā(n), fa'a‘raḍa akṡaruhum fahum lā yasma‘ūn(a).
[4] nu mawa béja pikabungaheun jeung pépéling, ngan lolobana mah maranéhna téh ngabalieur (tina éta) sarta teu (hayang) ngadéngékeun.

وَقَالُوْا قُلُوْبُنَا فِيْٓ اَكِنَّةٍ مِّمَّا تَدْعُوْنَآ اِلَيْهِ وَفِيْٓ اٰذَانِنَا وَقْرٌ وَّمِنْۢ بَيْنِنَا وَبَيْنِكَ حِجَابٌ فَاعْمَلْ اِنَّنَا عٰمِلُوْنَ٥
Wa qālū qulūbunā fī akinnatim mimmā tad‘ūnā ilaihi wa fī āżāninā waqruw wa mim baininā wa bainika ḥijābun fa‘mal innanā ‘āmilūn(a).
[5] Maranéhna nyarita, “Haté kuring saréréa geus nutup tina naon baé mangrupa pangajak aranjeun ka kuring saréréa. Dina ceuli kuring saréréa aya cocok, tur antara kuring saréréa jeung aranjeun aya hahalang. Ku kituna, gawéan baé (naon nu dipilakayang ku aranjeun), saenyana kuring saréréa ogé sarua pada digawé.”

قُلْ اِنَّمَآ اَنَا۟ بَشَرٌ مِّثْلُكُمْ يُوْحٰىٓ اِلَيَّ اَنَّمَآ اِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ فَاسْتَقِيْمُوْٓا اِلَيْهِ وَاسْتَغْفِرُوْهُ ۗوَوَيْلٌ لِّلْمُشْرِكِيْنَۙ٦
Qul innamā ana basyarum miṡlukum yūḥā ilayya annamā ilāhukum ilāhuw wāḥidun fastaqīmū ilaihi wastagfirūh(u), wa wailul lil-musyrikīn(a).
[6] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring téh ngan manusa biasa saperti aranjeun, nu diwahyukeun ka kuring yén Pangéran aranjeun téh nyaéta Pangéran Nu Mahatunggal. Pék ibadah jeung ménta pangampura ka Mantenna. Kacilakaan anu kacida rongkah pikeun jalma-jalma anu nyarékatkeun (Mantenna),

الَّذِيْنَ لَا يُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ كٰفِرُوْنَ٧
Allażīna lā yu'tūnaz-zakāta wa hum bil-ākhirati hum kāfirūn(a).
[7] (nyaéta) jalma-jalma anu teu mayar jakat jeung ingkar kana ayana (kahirupan) ahérat.”

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ اَجْرٌ غَيْرُ مَمْنُوْنٍ ࣖ٨
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum ajrun gairu mamnūn(in).
[8] Sabenerna jalma-jalma nu iman jeung migawé kahadéan, keur aranjeunna dijangjikeun ganjaran nu teu pegat-pegat.

۞ قُلْ اَىِٕنَّكُمْ لَتَكْفُرُوْنَ بِالَّذِيْ خَلَقَ الْاَرْضَ فِيْ يَوْمَيْنِ وَتَجْعَلُوْنَ لَهٗٓ اَنْدَادًا ۗذٰلِكَ رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ ۚ٩
Qul a'innakum latakfurūna bil-lażī khalaqal-arḍa fī yaumaini wa taj‘alūna lahū andādā(n), żālika rabbul-‘ālamīn(a).
[9] Pék caritakeun ku hidep, “Naha pantes aranjeun ingkar ka Allah anu ngajadikeun bumi dina dua mangsa, jeung (naha pantes) aranjeun nyieun tandingan-tandingan pikeun Mantenna? (Anu kagungan sipat) kitu téh Pangéran sakumna alam.”

وَجَعَلَ فِيْهَا رَوَاسِيَ مِنْ فَوْقِهَا وَبٰرَكَ فِيْهَا وَقَدَّرَ فِيْهَآ اَقْوَاتَهَا فِيْٓ اَرْبَعَةِ اَيَّامٍۗ سَوَاۤءً لِّلسَّاۤىِٕلِيْنَ١٠
Wa ja‘ala fīhā rawāsiya min fauqihā wa bāraka fīhā wa qaddara fīhā aqwātahā fī arba‘ati ayyām(in), sawā'al lis-sā'ilīn(a).
[10] Mantenna geus ngajadikeun di bumi mangpirang-pirang gunung nu tohaga di luhureunana jeung geus ngaberkahan sarta nangtukeun ukuran kadaharan (keur pangeusina) dina opat mangsa anu cukup pikeun (kaperluan) jalma-jalma anu ngabutuhkeunana.

ثُمَّ اسْتَوٰىٓ اِلَى السَّمَاۤءِ وَهِيَ دُخَانٌ فَقَالَ لَهَا وَلِلْاَرْضِ ائْتِيَا طَوْعًا اَوْ كَرْهًاۗ قَالَتَآ اَتَيْنَا طَاۤىِٕعِيْنَ١١
Ṡummastawā ilas-samā'i wa hiya dukhānun faqāla lahā wa lil-arḍi'tiyā ṭau‘an au karhā(n), qālatā atainā ṭā'i‘īn(a).
[11] Lajeng, Mantenna angkat ka langit anu masih mangrupa haseup. Lajeng Mantenna ngadawuh ka langit jeung ka bumi, “Geura datang maranéh duaan ku paréntah Kaula, boh kalayan taat atawa kalayan kapaksa!” Dua-duana ngajawab, “Abdi sadaya dongkap kalayan taat.”

فَقَضٰىهُنَّ سَبْعَ سَمٰوَاتٍ فِيْ يَوْمَيْنِ وَاَوْحٰى فِيْ كُلِّ سَمَاۤءٍ اَمْرَهَا ۗوَزَيَّنَّا السَّمَاۤءَ الدُّنْيَا بِمَصَابِيْحَۖ وَحِفْظًا ۗذٰلِكَ تَقْدِيْرُ الْعَزِيْزِ الْعَلِيْمِ١٢
Fa qaḍāhunna sab‘a samāwātin fī yaumaini wa auḥā fī kulli samā'in amrahā, wa zayyannas-samā'ad-dun-yā bimaṣābīḥa wa ḥifẓā(n), żālika taqdīrul-‘azīzil-‘alīm(i).
[12] Mantenna ngajadikeun tujuh langit dina dua mangsa jeung ngawahyukeun ka masing-masing langit urusanana. Tuluy Kami mapaésan langit nu deukeut ku béntang-béntang nu caang jeung ngaraksana kalayan sahadé-hadéna. Éta téh katangtuan ti Nu Mahagagah (tur) Mahauninga.

فَاِنْ اَعْرَضُوْا فَقُلْ اَنْذَرْتُكُمْ صٰعِقَةً مِّثْلَ صٰعِقَةِ عَادٍ وَّثَمُوْدَ ۗ١٣
Fa in a‘raḍū faqul anżartukum ṣā‘iqatam miṡla ṣā‘iqati ‘ādiw wa ṡamūd(a).
[13] Lamun maranéhna ngabalieur, mangka pék caritakeun, “Kuring geus méré pépéling ku guludug ka maranéh, saperti guludug anu geus ditibankeun ka kaom ‘Ad jeung kaom Samud.”

اِذْ جَاۤءَتْهُمُ الرُّسُلُ مِنْۢ بَيْنِ اَيْدِيْهِمْ وَمِنْ خَلْفِهِمْ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّا اللّٰهَ ۗقَالُوْا لَوْ شَاۤءَ رَبُّنَا لَاَنْزَلَ مَلٰۤىِٕكَةً فَاِنَّا بِمَآ اُرْسِلْتُمْ بِهٖ كٰفِرُوْنَ١٤
Iż jā'athumur-rusulu mim baini aidīhim wa min khalfihim allā ta‘budū illallāh(a), qālū lau syā'a rabbunā la'anzala malā'ikatan fa'innā bimā ursiltum bihī kāfirūn(a).
[14] Waktu para rasul datang ka maranéhna ti hareupeun jeung ti tukangeunana 808 (bari mépélingan), “Kadé aranjeun ulah rék nyembah anging ka Allah wungkul,” maranéhna ngajawab, “Upami Pangéran kuring saréréa ngersakeun, tangtu Mantenna bakal nurunkeun para malaikat. Saenyana kuring saréréa mungkir kana wahyu nu dibawa ku aranjeun.”
808) Ti sagala arah.

فَاَمَّا عَادٌ فَاسْتَكْبَرُوْا فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَقَالُوْا مَنْ اَشَدُّ مِنَّا قُوَّةً ۗ اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّ اللّٰهَ الَّذِيْ خَلَقَهُمْ هُوَ اَشَدُّ مِنْهُمْ قُوَّةً ۗ وَكَانُوْا بِاٰيٰتِنَا يَجْحَدُوْنَ١٥
Fa ammā ‘ādun fastakbarū fil-arḍi bigairil-ḥaqqi wa qālū man asyaddu minnā quwwah(tan), awalam yarau annallāhal-lażī khalaqahum huwa asyaddu minhum quwwah(tan), wa kānū bi'āyātinā yajḥadūn(a).
[15] Kaom ‘Ad nyombongkeun diri di bumi tanpa alesan nu bener. Maranéhna nyarita, “Saha nu leuwih gedé kakuatanana tibatan kuring saréréa?” Padahal maranéhna téh henteu nempo yén sabenerna Allah nu geus nyiptakeun maranéhna. Tinangtu Mantenna anu leuwih tohaga kakuatanana tibatan maranéhna. Maranéhna téh nolak kana tanda-tanda (kakuatan) Kami.

فَاَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ رِيْحًا صَرْصَرًا فِيْٓ اَيَّامٍ نَّحِسَاتٍ لِّنُذِيْقَهُمْ عَذَابَ الْخِزْيِ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۗوَلَعَذَابُ الْاٰخِرَةِ اَخْزٰى وَهُمْ لَا يُنْصَرُوْنَ١٦
Fa arsalnā ‘alaihim rīḥan ṣarṣaran fī ayyāmin naḥisātil linużīqahum-‘ażābal khizyi fil-ḥayātid-dun-yā, wa la‘ażābul-ākhirati akhzā wa hum lā yunṣarūn(a).
[16] Kami niupkeun angin nu ngaguruh ka maranéhna dina sababaraha poé anu apes. Kami ninggangkeun siksaan nu ngahinakeun ka maranéhna di dunya, mangkaning saenyana siksaan ahérat mah éta leuwih hina, sedengkeun maranéhna moal rék dibéré pitulung.

وَاَمَّا ثَمُوْدُ فَهَدَيْنٰهُمْ فَاسْتَحَبُّوا الْعَمٰى عَلَى الْهُدٰى فَاَخَذَتْهُمْ صٰعِقَةُ الْعَذَابِ الْهُوْنِ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ ۚ١٧
Wa ammā ṡamūdu fa hadaināhum fastaḥabbul-‘amā ‘alal-hudā fa akhażathum ṣā‘iqatul-‘ażābil-hūni bimā kānū yaksibūn(a).
[17] Ari kaom Samud, maranéhna ku Kami geus dipaparinan pituduh, ngan maranéhna mah leuwih mikacinta lolong (kasasaran) tibatan pituduh. Ku lantaran kitu, maranéhna disamber guludug, siksaan nu hina disababkeun sagala rupa anu geus dipilampah ku maranéhna.

وَنَجَّيْنَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوْا يَتَّقُوْنَ ࣖ١٨
Wa najjainal-lażīna āmanū wa kānū yattaqūn(a).
[18] Kami geus nyalametkeun jalma-jalma nu iman ku sabab aranjeunna téh bener-bener jalma-jalma nu takwa.

وَيَوْمَ يُحْشَرُ اَعْدَاۤءُ اللّٰهِ اِلَى النَّارِ فَهُمْ يُوْزَعُوْنَ١٩
Wa yauma yuḥsyaru a‘dā'ullāhi ilan-nāri fahum yūza‘ūn(a).
[19] (Sing inget) dina poé (nalika) musuh-musuh Allah digiring kana naraka, tuluy maranéhna dikumpulkeun (kabéhanana).

حَتّٰىٓ اِذَا مَا جَاۤءُوْهَا شَهِدَ عَلَيْهِمْ سَمْعُهُمْ وَاَبْصَارُهُمْ وَجُلُوْدُهُمْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٢٠
Ḥattā iżā mā jā'ūhā syahida ‘alaihim sam‘uhum wa abṣāruhum wa julūduhum bimā kānū ya‘malūn(a).
[20] Nepi ka upama maranéhna nepi ka naraka, pangdéngé, panénjo, jeung kulit-kulitna jadi saksi pikeun maranéhna tina sagala rupa nu ku maranéhna geus dipigawé.

وَقَالُوْا لِجُلُوْدِهِمْ لِمَ شَهِدْتُّمْ عَلَيْنَا ۗقَالُوْٓا اَنْطَقَنَا اللّٰهُ الَّذِيْٓ اَنْطَقَ كُلَّ شَيْءٍ وَّهُوَ خَلَقَكُمْ اَوَّلَ مَرَّةٍۙ وَّاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٢١
Wa qālū lijulūdihim lima syahittum ‘alainā, qālū anṭaqanallāhul-lażī anṭaqa kulla syai'iw wa huwa khalaqakum awwala marrah(tin), wa ilaihi turja‘ūn(a).
[21] Maranéhna nyarita ka kulit-kulitna, “Naha maranéh méré kasaksian keur kuring saréréa?” Kulit-kulit maranéhna ngajawab, “Allah anu ngajadikeun sagala rupa perkara bisa nyarita téh nyaéta nu ngajadikeun kuring saréréa bisa nyarita. Mantenna téh anu ngajadikeun maranéh nu mimiti. Ka Mantenna wungkul maranéh bakal dibalikkeun.

وَمَا كُنْتُمْ تَسْتَتِرُوْنَ اَنْ يَّشْهَدَ عَلَيْكُمْ سَمْعُكُمْ وَلَآ اَبْصَارُكُمْ وَلَا جُلُوْدُكُمْ وَلٰكِنْ ظَنَنْتُمْ اَنَّ اللّٰهَ لَا يَعْلَمُ كَثِيْرًا مِّمَّا تَعْمَلُوْنَ٢٢
Wa mā kuntum tastatirūna ay yasyhada ‘alaikum sam‘ukum wa lā abṣārukum wa lā julūdukum wa lākin ẓanantum annallāha lā ya‘lamu kaṡīram mimmā ta‘malūn(a).
[22] Maranéh moal pisan-pisan bisa nyumputkeun tina panyaksén, pangdéngé, panénjo, jeung kulit maranéh ka maranéh. 809 Maranéh nyangka yén sabenerna Allah henteu uningaeun kana sagala rupa anu ku maranéh dipigawé.
809) Maranéhna migawé dosa terang-terangan sabab maranéhna nyangka yén Allah teu uningaeun kana pagawéanana. Maranéhna teu ngeuh yén pangdéngé, panénjo, jeung kulitna bakal jadi saksi engké di ahérat kana pagawéan-pagawéanana baheula di dunya.

وَذٰلِكُمْ ظَنُّكُمُ الَّذِيْ ظَنَنْتُمْ بِرَبِّكُمْ اَرْدٰىكُمْ فَاَصْبَحْتُمْ مِّنَ الْخٰسِرِيْنَ٢٣
Wa żālikum ẓannukumul-lażī ẓanantum birabbikum ardākum fa aṣbaḥtum minal-khāsirīn(a).
[23] Éta téh ngan sangkaan maranéh wungkul ka Pangéran. Éta (sangkaan) téh geus ngabinasakeun maranéh, nepi ka ahirna maranéh téh kagolong kana jalma-jalma anu rugi.

فَاِنْ يَّصْبِرُوْا فَالنَّارُ مَثْوًى لَّهُمْ ۚوَاِنْ يَّسْتَعْتِبُوْا فَمَا هُمْ مِّنَ الْمُعْتَبِيْنَ٢٤
Fa iy yaṣbirū fan-nāru maṡwal lahum, wa iy yasta‘tibū famā hum minal-mu‘tabīn(a).
[24] Sanajan maranéhna sabar (nandangan siksaan), nya naraka patempatan maranéhna téh. Lamun seug maranéhna ménta dipikarunya, maranéhna téh teu kaasup golongan jalma-jalma nu pantes dipikarunya.

۞ وَقَيَّضْنَا لَهُمْ قُرَنَاۤءَ فَزَيَّنُوْا لَهُمْ مَّا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْ وَحَقَّ عَلَيْهِمُ الْقَوْلُ فِيْٓ اُمَمٍ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِۚ اِنَّهُمْ كَانُوْا خٰسِرِيْنَ ࣖ٢٥
Wa qayyaḍnā lahum quranā'a fa zayyanū lahum mā baina aidīhim wa mā khalfahum wa ḥaqqa ‘alaihimul-qaulu fī umamin qad khalat min qablihim minal-jinni wal-ins(i), innahum kānū khāsirīn(a).
[25] Kami geus ngajadikeun pikeun maranéhna sobat-sobat nu ngajadikeun maranéhna meunteun hadé kana naon baé nu aya di hareupeun jeung di satukangeunana. 810 Geus tetep pikeun maranéhna putusan siksa ka umat-umat, boh jin boh manusa nu ti hareula. Saenyana maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.
810) Nu dimaksud “nu aya di hareupeun” nyaéta napsu jeung kasenangan dunya nu keur dipiboga, sedengkeun maksud “di tukangeun” nyaéta kahayang-kahayang nu teu kahontal ku maranéhna.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَا تَسْمَعُوْا لِهٰذَا الْقُرْاٰنِ وَالْغَوْا فِيْهِ لَعَلَّكُمْ تَغْلِبُوْنَ٢٦
Wa qālal-lażīna kafarū lā tasma‘ū lihāżal-qur'āni walgau fīhi la‘allakum taglibūn(a).
[26] Jalma-jalma kapir nyarita, “Omat aranjeun ulah ngadéngékeun Al-Qur’an! Aranjeun kudu nyieun kariweuhan sangkan aranjeun bisa ngéléhkeun (maranéhna).”

فَلَنُذِيْقَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا عَذَابًا شَدِيْدًاۙ وَّلَنَجْزِيَنَّهُمْ اَسْوَاَ الَّذِيْ كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٢٧
Fa lanużīqannal-lażīna kafarū ‘ażāban syadīdā(n), wa lanajziyannahum aswa'al-lażī kānū ya‘malūn(a).
[27] Sabenerna Kami bakal nibankeun siksa nu kacida rongkahna ka jalma-jalma nu kapir. Sabenerna Kami bakal ngawales sagala nu ku maranéhna dipigawé ku panggoréng-goréngna wawales.

ذٰلِكَ جَزَاۤءُ اَعْدَاۤءِ اللّٰهِ النَّارُ لَهُمْ فِيْهَا دَارُ الْخُلْدِ ۗجَزَاۤءً ۢبِمَا كَانُوْا بِاٰيٰتِنَا يَجْحَدُوْنَ٢٨
Żālika jazā'u a‘dā'illāhin-nāru lahum fīhā dārul-khuld(i), jazā'am bimā kānū bi'āyātinā yajḥadūn(a).
[28] Tah éta téh wawales (pikeun) musuh-musuh Allah, (nyaéta) naraka. Maranéhna meunang padumukan anu langgeng di dinya mangrupa wawales ku sabab ingkar kana ayat-ayat Kami.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا رَبَّنَآ اَرِنَا الَّذَيْنِ اَضَلّٰنَا مِنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ نَجْعَلْهُمَا تَحْتَ اَقْدَامِنَا لِيَكُوْنَا مِنَ الْاَسْفَلِيْنَ٢٩
Wa qālal-lażīna kafarū rabbanā arinal-lażaini aḍallānā minal-jinni wal-insi naj‘alhumā taḥta aqdāminā liyakūnā minal-asfalīn(a).
[29] Jalma-jalma kapir nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ningalikeun ka abdi sadaya dua golongan anu geus nyasarkeun abdi sadaya (nyaéta) ti jin jeung manusa, supados abdi sadaya ngajadikeun maranéhna aya di handapeun dampal suku abdi sadaya, sangkan maranéhna kaasup kana golongan anu panghandap-handapna.”

اِنَّ الَّذِيْنَ قَالُوْا رَبُّنَا اللّٰهُ ثُمَّ اسْتَقَامُوْا تَتَنَزَّلُ عَلَيْهِمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ اَلَّا تَخَافُوْا وَلَا تَحْزَنُوْا وَاَبْشِرُوْا بِالْجَنَّةِ الَّتِيْ كُنْتُمْ تُوْعَدُوْنَ٣٠
Innal-lażīna qālū rabbunallāhu ṡummastaqāmū tatanazzalu ‘alaihimul-malā'ikatu allā takhāfū wa lā taḥzanū wa absyirū bil-jannatil-latī kuntum tū‘adūn(a).
[30] Sabenerna jalma-jalma anu nyarita, “Pangéran abdi sadaya téh Allah,” tuluy mengkuhkeun pamadeganana, mangka malaikat bakal lungsur ka aranjeunna (bari nyebutkeun), “Aranjeun ulah ngarasa sieun jeung sedih. Geura pék saruka-bungah ku (mareunang) sawarga nu geus dijangjikeun ku Allah ka aranjeun.”

نَحْنُ اَوْلِيَاۤؤُكُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِى الْاٰخِرَةِ ۚوَلَكُمْ فِيْهَا مَا تَشْتَهِيْٓ اَنْفُسُكُمْ وَلَكُمْ فِيْهَا مَا تَدَّعُوْنَ ۗ٣١
Naḥnu auliyā'ukum fil-ḥayātid-dun-yā wa fil-ākhirah(ti), wa lakum fīhā mā tasytahī anfusukum wa lakum fīhā mā tadda‘ūn(a).
[31] Kami anu nangtayungan aranjeun dina kahirupan di dunya jeung di ahérat. Di dinya (sawarga) aranjeun bakal meunang sagala nu dipikahayang jeung dipénta ku aranjeun,

نُزُلًا مِّنْ غَفُوْرٍ رَّحِيْمٍ ࣖ٣٢
Nuzulam min gafūrir raḥīm(in).
[32] (Éta kabéh) minangka kurnia (pikeun aranjeun) ti Pangéran Nu Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَمَنْ اَحْسَنُ قَوْلًا مِّمَّنْ دَعَآ اِلَى اللّٰهِ وَعَمِلَ صَالِحًا وَّقَالَ اِنَّنِيْ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ٣٣
Wa man aḥsanu qaulam mimman da‘ā ilallāhi wa ‘amila ṣāliḥaw wa qāla innanī minal-muslimīn(a).
[33] Saha nu leuwih hadé cariosanana tibatan jalma-jalma anu ngajak ka Allah sarta migawé kahadéan bari nyarita, “Sabenerna kuring téh kaasup jalma-jalma anu sumerah diri.”

وَلَا تَسْتَوِى الْحَسَنَةُ وَلَا السَّيِّئَةُ ۗاِدْفَعْ بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ فَاِذَا الَّذِيْ بَيْنَكَ وَبَيْنَهٗ عَدَاوَةٌ كَاَنَّهٗ وَلِيٌّ حَمِيْمٌ٣٤
Wa lā tastawil-ḥasanatu wa las-sayyi'ah(tu), idfa‘ bil-latī hiya aḥsanu fa'iżal-lażī bainaka wa bainahū ‘adāwatun ka'annahū waliyyun ḥamīm(un).
[34] Teu sarua antara kahadéan jeung kagoréngan téh. Pék tolak ku hidep (éta kagoréngan) ku cara nu leuwih hadé, nepi ka jalma nu tadina ngumusuhan ka hidep ngarasa saolah-olah jadi babaturan deukeut.

وَمَا يُلَقّٰىهَآ اِلَّا الَّذِيْنَ صَبَرُوْاۚ وَمَا يُلَقّٰىهَآ اِلَّا ذُوْ حَظٍّ عَظِيْمٍ٣٥
Wa mā yulaqqāhā illal-lażīna ṣabarū, wa mā yulaqqāhā illā żū ḥaẓẓin ‘aẓīm(in).
[35] Sagala sipat anu hadé éta téh teu dipasihkeun anging ka jalma-jalma nu sabar jeung nu meunang kauntungan gedé.

وَاِمَّا يَنْزَغَنَّكَ مِنَ الشَّيْطٰنِ نَزْغٌ فَاسْتَعِذْ بِاللّٰهِ ۗاِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٣٦
Wa immā yanzagannaka minasy-syaiṭāni nazgun fasta‘iż billāh(i), innahū huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[36] Upama sétan ngagoda ka hidep ku hiji godaan, prak geura ménta panyalindungan ka Allah. Sabenerna Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

وَمِنْ اٰيٰتِهِ الَّيْلُ وَالنَّهَارُ وَالشَّمْسُ وَالْقَمَرُۗ لَا تَسْجُدُوْا لِلشَّمْسِ وَلَا لِلْقَمَرِ وَاسْجُدُوْا لِلّٰهِ الَّذِيْ خَلَقَهُنَّ اِنْ كُنْتُمْ اِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ٣٧
Wa min āyātihil-lailu wan-nahāru wasy-syamsu wal-qamar(u), lā tasjudū lisy-syamsi wa lā lil-qamari wasjudū lillāhil-lażī khalaqahunna in kuntum iyyāhu ta‘budūn(a).
[37] Tina sabagian tanda-tanda kakawasaan Mantenna nyaéta peuting, beurang, panonpoé, jeung bulan. Omat aranjeun ulah sujud ka panonpoé jeung ka bulan, tapi prak aranjeun sujud ka Allah nu nyiptakeunana, upama aranjeun bener-bener ngan ka Mantenna wungkul nyembah téh.

فَاِنِ اسْتَكْبَرُوْا فَالَّذِيْنَ عِنْدَ رَبِّكَ يُسَبِّحُوْنَ لَهٗ بِالَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَهُمْ لَا يَسْـَٔمُوْنَ ۩٣٨
Fa inistakbarū fal-lażīna ‘inda rabbika yusabbiḥūna lahū bil-laili wan-nahāri wa hum lā yas'amūn(a).
[38] Lamun maranéhna (jalma-jalma musrik) nyombongkeun diri (teu daék sujud ka Mantenna), aranjeunna (para malaikat) nu aya di sagédéngeun Pangéran hidep mah teras-terasan maca tasbéh ka Mantenna ti peuting jeung ti beurang, teu ngarasa bosen.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖٓ اَنَّكَ تَرَى الْاَرْضَ خَاشِعَةً فَاِذَآ اَنْزَلْنَا عَلَيْهَا الْمَاۤءَ اهْتَزَّتْ وَرَبَتْۗ اِنَّ الَّذِيْٓ اَحْيَاهَا لَمُحْيِ الْمَوْتٰى ۗاِنَّهٗ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٣٩
Wa min āyātihī annaka taral-arḍa khāsyi‘atan fa iżā anzalnā ‘alaihal-mā'ahtazzat wa rabat, innal-lażī aḥyāhā lamuḥyil-mautā, innahū ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[39] Sabagian tina tanda-tanda (kakawasaan) Mantenna nyaéta yén hidep ningali bumi dina kaayaan garing, ngan upama Kami geus nurunkeun cai ti luhureunana, tangtu éta (bumi) téh robah jadi subur. Sabenerna Pangéran anu ngahirupkeun éta bumi téh tangtu bener-bener kawasa (ogé) kana ngahirupkeun deui nu geus maot, karana sabenerna Mantenna mah Mahakawasa kana sagala perkara ogé.

اِنَّ الَّذِيْنَ يُلْحِدُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِنَا لَا يَخْفَوْنَ عَلَيْنَاۗ اَفَمَنْ يُّلْقٰى فِى النَّارِ خَيْرٌ اَمْ مَّنْ يَّأْتِيْٓ اٰمِنًا يَّوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗاِعْمَلُوْا مَا شِئْتُمْ ۙاِنَّهٗ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٤٠
Innal-lażīna yulḥidūna fī āyātinā lā yakhfauna ‘alainā, afamay yulqā fin-nāri khairun am may ya'tī āminay yaumal-qiyāmah(ti), i‘malū mā syi'tum, innahū bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[40] Saenyana jalma-jalma anu mungkir tina ayat-ayat Kami téh henteu bisa nyumput ti Kami. Naha jalma nu dialungkeun kana naraka téh leuwih alus tibatan nu datang kalayan aman dina Poé Kiamat? Sok geura pigawé sagala anu ku maranéh dipikahayang. Sabenerna Mantenna Maha Ningali kana sagala nu ku maranéh dipigawé.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِالذِّكْرِ لَمَّا جَاۤءَهُمْ ۗوَاِنَّهٗ لَكِتٰبٌ عَزِيْزٌ ۙ٤١
Innal-lażīna kafarū biż-żikri lammā jā'ahum, wa innahū lakitābun ‘azīz(un).
[41] Saenyana jalma-jalma anu ingkar kana Al-Qur’an waktu datang ka maranéhna, (maranéhna téh pasti bakal cilaka), jeung sabenerna Al-Qur’an téh Kitab anu mulya.

لَّا يَأْتِيْهِ الْبَاطِلُ مِنْۢ بَيْنِ يَدَيْهِ وَلَا مِنْ خَلْفِهٖ ۗتَنْزِيْلٌ مِّنْ حَكِيْمٍ حَمِيْدٍ٤٢
Lā ya'tīhil-bāṭilu mim baini yadaihi wa lā min khalfih(ī), tanzīlum min ḥakīmin ḥamīd(in).
[42] Al-Qur’an téh henteu bisa kacampuran ku kabatilan, boh ti hareupeunana boh ti tukangeunana, diturunkeun ti Pangéran Nu Mahawijaksana (tur) Nu Mahapinuji.

مَا يُقَالُ لَكَ اِلَّا مَا قَدْ قِيْلَ لِلرُّسُلِ مِنْ قَبْلِكَ ۗاِنَّ رَبَّكَ لَذُوْ مَغْفِرَةٍ وَّذُوْ عِقَابٍ اَلِيْمٍ٤٣
Mā yuqālu laka illā mā qad qīla lir-rusuli min qablik(a), inna rabbaka lażū magfiratiw wa żū ‘iqābin alīm(in).
[43] Henteu aya nu dicaritakeun (ku jalma-jalma kapir) ka hidep (Muhammad) téh iwal ti sagala nu sabenerna mah geus dicaritakeun ku para rasul saméméh hidep. Saleresna Pangéran hidep bener-bener kagungan pangapunten jeung kagungan siksaan nu kacida matak nyerina.

وَلَوْ جَعَلْنٰهُ قُرْاٰنًا اَعْجَمِيًّا لَّقَالُوْا لَوْلَا فُصِّلَتْ اٰيٰتُهٗ ۗ ءَاَ۬عْجَمِيٌّ وَّعَرَبِيٌّ ۗ قُلْ هُوَ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا هُدًى وَّشِفَاۤءٌ ۗوَالَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ فِيْٓ اٰذَانِهِمْ وَقْرٌ وَّهُوَ عَلَيْهِمْ عَمًىۗ اُولٰۤىِٕكَ يُنَادَوْنَ مِنْ مَّكَانٍۢ بَعِيْدٍ ࣖ٤٤
Wa lau ja‘alnāhu qur'ānan a‘jamiyyal laqālū lau lā fuṣṣilat āyātuh(ū), a'a‘jamiyyuw wa ‘arabiyy(un), qul huwa lil-lażīna āmanū hudaw wa syifā'(un), wal-lażīna lā yu'minūna fī āżānihim waqruw wa huwa ‘alaihim ‘amā(n), ulā'ika yunādauna mim makānim ba‘īd(in).
[44] Lamun Kami ngajadikeun éta Al-Qur’an dina waktu salian ti basa Arab, pasti maranéhna ngomong, “Naha geuning ayat-ayatna henteu dijelaskeun?” Naha (pantes Al-Qur’an) maké waktu lain sedengkeun rasulna urang Arab? Pék caritakeun ku hidep, “Al-Qur’an téh pituduh jeung ubar pikeun jalma-jalma nu iman. Jalma-jalma nu teu iman mah dina ceulina téh aya panyocok. Al-Qur’an téh poék pikeun maranéhna mah. 811 Maranéhna téh (saperti) jalma-jalma anu dicalukan ti tempat anu jauh.
811) Méré pituduh ka maranéhna.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ فَاخْتُلِفَ فِيْهِ ۗوَلَوْلَا كَلِمَةٌ سَبَقَتْ مِنْ رَّبِّكَ لَقُضِيَ بَيْنَهُمْ ۗوَاِنَّهُمْ لَفِيْ شَكٍّ مِّنْهُ مُرِيْبٍ٤٥
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba fakhtulifa fīh(i), wa lau lā kalimatun sabaqat mir rabbika laquḍiya bainahum, wa innahum lafī syakkim minhu murīb(in).
[45] Sabenerna Kami geus maparinan Kitab Torét ka Musa tuluy dijadikeun papaséaan ku maranéhna. Lamun seug henteu aya putusan ti Pangéran hidep leuwih ti heula, mangka jalma-jalma kapir téh geus dibinasakeun. Saenyana maranéhna téh bener-bener aya dina kamangmangan anu matak bingung ngeunaan Al-Qur’an.

مَنْ عَمِلَ صَالِحًا فَلِنَفْسِهٖ ۙوَمَنْ اَسَاۤءَ فَعَلَيْهَا ۗوَمَا رَبُّكَ بِظَلَّامٍ لِّلْعَبِيْدِ ۔٤٦
Man ‘amila ṣāliḥan fa linafsih(ī), wa man asā'a fa ‘alaihā, wa mā rabbuka biẓallāmil lil-‘abīd(i).
[46] Saha baé jalma anu migawé kahadéan, nya (ganjaranana) pikeun dirina sorangan. Saha baé jalma anu migawé kagoréngan, nya (dosana) téh pikeun dirina sorangan ogé. Pangéran hidep mah moal pisan-pisan rék kaniaya ka hamba-hamba-Na.

۞ اِلَيْهِ يُرَدُّ عِلْمُ السَّاعَةِ ۗوَمَا تَخْرُجُ مِنْ ثَمَرٰتٍ مِّنْ اَكْمَامِهَا وَمَا تَحْمِلُ مِنْ اُنْثٰى وَلَا تَضَعُ اِلَّا بِعِلْمِهٖ ۗوَيَوْمَ يُنَادِيْهِمْ اَيْنَ شُرَكَاۤءِيْۙ قَالُوْٓا اٰذَنّٰكَ مَا مِنَّا مِنْ شَهِيْدٍ ۚ٤٧
Ilaihi yuraddu ‘ilmus-sā‘ah(ti), wa mā takhruju min ṡamarātim min akmāmihā wa mā taḥmilu min unṡā wa lā taḍa‘u illā bi‘ilmih(ī), wa yauma yunādīhim aina syurakā'ī, qālū āżannāka mā minnā min syahīd(in).
[47] Ka Mantenna pangaweruh ngeunaan Poé Kiamat téh disanggakeun. Henteu aya bubuahan anu kaluar tina lakop-lakopna jeung henteu aya hiji awéwé ogé anu kakandungan tur ngalahirkeun, kajaba kabéhanana (lumangsung) kalayan kauninga Mantenna. Dina poéan waktu Mantenna nyaur ka maranéhna, “Di mana sarékat-sarékat Kami téh?” Maranéhna ngajawab, “Abdi nétélakeun ka Gusti yén henteu aya saurang ogé ti antawis abdi sadaya anu tiasa masihan panyaksén (yén Gusti téh kagungan sarékat).”

وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَدْعُوْنَ مِنْ قَبْلُ وَظَنُّوْا مَا لَهُمْ مِّنْ مَّحِيْصٍ٤٨
Wa ḍalla ‘anhum mā kānū yad‘ūna min qablu wa ẓannū mā lahum mim maḥīṣ(in).
[48] Laleungit ti maranéhna naon-naon nu baheula ku maranéhna sok disembah. Maranéhna ogé nyahoeun yén henteu aya jalan kaluar (tina siksa Allah) pikeun maranéhna.

لَا يَسْـَٔمُ الْاِنْسَانُ مِنْ دُعَاۤءِ الْخَيْرِۖ وَاِنْ مَّسَّهُ الشَّرُّ فَيَـُٔوْسٌ قَنُوْطٌ٤٩
Lā yas'amul-insānu min du‘ā'il-khair(i), wa im massahusy-syarru fa ya'ūsun qanūṭ(un).
[49] Manusa henteu bosen-bosen ménta kahadéan. Upama ditibanan kasusah, manéhna putus asa tur peunggas pangharepan.

وَلَىِٕنْ اَذَقْنٰهُ رَحْمَةً مِّنَّا مِنْۢ بَعْدِ ضَرَّاۤءَ مَسَّتْهُ لَيَقُوْلَنَّ هٰذَا لِيْۙ وَمَآ اَظُنُّ السَّاعَةَ قَاۤىِٕمَةًۙ وَّلَىِٕنْ رُّجِعْتُ اِلٰى رَبِّيْٓ اِنَّ لِيْ عِنْدَهٗ لَلْحُسْنٰىۚ فَلَنُنَبِّئَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِمَا عَمِلُوْاۖ وَلَنُذِيْقَنَّهُمْ مِّنْ عَذَابٍ غَلِيْظٍ٥٠
Wa la'in ażaqnāhu raḥmatam minnā mim ba‘di ḍarrā'a massathu layaqūlunna hāżā lī, wa mā aẓunnus-sā‘ata qā'imah(tan), wa la'ir ruji‘tu ilā rabbī inna lī ‘indahū lal-ḥusnā, fa lanunabbi'annal-lażīna kafarū bimā ‘amilū, wa lanużīqannahum min ‘ażābin galīẓ(in).
[50] Upama Kami maparin rahmat ka manéhna sanggeusna manéhna ditibanan kasusah, tangtu manéhna bakal nyarita, “Ieu mah hak kuring. Da kuring mah teu yakin yén Poé Kiamat téh bakal kajadian. Lamun seug dipulangkeun ka Pangéran, kuring mah pasti bakal meunang kahadéan di mungguhing Mantenna.” Pasti Kami bakal ngabéjakeun ka jalma-jalma nu kupur ngeunaan sakabéh anu geus dipilampah ku maranéhna. Kami ogé pasti bakal nibankeun siksaan anu rongkah ka maranéhna.

وَاِذَآ اَنْعَمْنَا عَلَى الْاِنْسَانِ اَعْرَضَ وَنَاٰ بِجَانِبِهٖۚ وَاِذَا مَسَّهُ الشَّرُّ فَذُوْ دُعَاۤءٍ عَرِيْضٍ٥١
Wa iżā an‘amnā ‘alal-insāni a‘raḍa wa na'ā bijānibih(ī), wa iżā massahusy-syarru fażū du‘ā'in ‘arīḍ(in).
[51] Upama Kami maparin ni’mat ka manusa, manéhna ngabalieur ngajuhkeun dirina (kalayan sombong), tapi upama ditiban kasusah, nya manéhna loba ngadoa

قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ كَانَ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ ثُمَّ كَفَرْتُمْ بِهٖ مَنْ اَضَلُّ مِمَّنْ هُوَ فِيْ شِقَاقٍۢ بَعِيْدٍ٥٢
Qul ara'aitum in kāna min ‘indillāhi ṡumma kafartum bihī man aḍallu mimman huwa fī syiqāqim ba‘īd(in).
[52] Pék caritakeun, “Kumaha pamadegan aranjeun lamun éta (Al-Qur’an) téh datang ti mungguhing Allah, tuluy aranjeun ingkar, saha anu leuwih sasar tibatan jalma-jalma anu terus-terusan méngpar (tina bebeneran)?”

سَنُرِيْهِمْ اٰيٰتِنَا فِى الْاٰفَاقِ وَفِيْٓ اَنْفُسِهِمْ حَتّٰى يَتَبَيَّنَ لَهُمْ اَنَّهُ الْحَقُّۗ اَوَلَمْ يَكْفِ بِرَبِّكَ اَنَّهٗ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ٥٣
Sanurīhim āyātinā fil-āfāqi wa fī anfusihim ḥattā yatabayyana lahum annahul-ḥaqq(u), awalam yakfi birabbika annahū ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[53] Kami bakal némbongkeun ka maranéhna tanda-tanda (kakawsaan) Kami di sakuliah jagat jeung dina dirina sorangan, nepi ka tétéla pikeun maranéhna yén Al-Qur’an téh bener. Naha henteu cukup (pikeun hidep) yén saleresna Mantenna jadi saksi kana sagala perkara?

اَلَآ اِنَّهُمْ فِيْ مِرْيَةٍ مِّنْ لِّقَاۤءِ رَبِّهِمْ ۗ اَلَآ اِنَّهٗ بِكُلِّ شَيْءٍ مُّحِيْطٌ ࣖ٥٤
Alā innahum fī miryatim mil liqā'i rabbihim, alā innahū bikulli syai'im muḥīṭ(un).
[54] Sing inget yén sabenerna maranéhna téh aya dina kamangmangan ngeunaan patepungna jeung Pangéranana. Sing inget yén saleresna Mantenna téh Maha Ngalimpudan kana sagala perkara.