Surah Al-Mu’min
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
حٰمۤ ۚ١
Ḥā mīm.
[1]
Ḥā Mīm. 796
796) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
تَنْزِيْلُ الْكِتٰبِ مِنَ اللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْعَلِيْمِۙ٢
Tanzīlul-kitābi minallāhil-‘azīzil-‘alīm(i).
[2]
Ieu Kitab (Al-Qur’an) diturunkeun ti Allah Nu Mahagagah (tur) Mahauninga.
غَافِرِ الذَّنْۢبِ وَقَابِلِ التَّوْبِ شَدِيْدِ الْعِقَابِ ذِى الطَّوْلِۗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۗاِلَيْهِ الْمَصِيْرُ٣
Gāfiriż-żambi wa qābilit-taubi syadīdil-‘iqābi żiṭ-ṭaul(i), lā ilāha illā huw(a), ilaihil-maṣīr(u).
[3]
(Mantenna) nu ngahampura kana dosa, narima tobat, pohara rongkah siksaana-Na (tur) ngagaduhan kurnia. Teu aya deui Pangéran (anu hak disembah) iwal ti Mantenna. Ngan ka Mantenna wungkul (sakabéh mahluk) balik.
مَا يُجَادِلُ فِيْٓ اٰيٰتِ اللّٰهِ اِلَّا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَلَا يَغْرُرْكَ تَقَلُّبُهُمْ فِى الْبِلَادِ٤
Mā yujādilu fī āyātillāhi illal-lażīna kafarū falā yagrurka taqallubuhum fil-bilād(i).
[4]
Teu aya ngabantah kana ayat-ayat Allah iwal ti jalma-jalma kapir. Ku sabab kitu, kadé hidep (Muhammad) ulah dek katipu ku bulak-balik maranéhna di sakuliah nagri.
كَذَّبَتْ قَبْلَهُمْ قَوْمُ نُوْحٍ وَّالْاَحْزَابُ مِنْۢ بَعْدِهِمْ ۖوَهَمَّتْ كُلُّ اُمَّةٍۢ بِرَسُوْلِهِمْ لِيَأْخُذُوْهُ وَجَادَلُوْا بِالْبَاطِلِ لِيُدْحِضُوْا بِهِ الْحَقَّ فَاَخَذْتُهُمْ ۗفَكَيْفَ كَانَ عِقَابِ٥
Każżabat qablahum qaumu nūḥiw wal-aḥzābu mim ba‘dihim, wa hammat kullu ummatim birasūlihim liya'khużūhu wa jādalū bil-bāṭili liyudḥiḍū bihil-ḥaqqa fa'akhażtuhum, fa kaifa kāna ‘iqāb(i).
[5]
Saméméh maranéhna, kaom Nuh jeung golongan-golongan nu sakongkol sanggeus maranéhna ngabohongkeun (ka para rasul). Saban umat geus ngarencanakeun tipu daya ka rasulna pikeun nelasanana. Maranéhna téh ngabantah ku (alesan) nu batil pikeun ngaleungitkeun bebeneran. Ku lantaran kitu, Kami nyiksa maranéhna. Nya pisakumahaeun (peurihna) éta siksaan Kami?
وَكَذٰلِكَ حَقَّتْ كَلِمَتُ رَبِّكَ عَلَى الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنَّهُمْ اَصْحٰبُ النَّارِۘ٦
Wa każālika ḥaqqat kalimatu rabbika ‘alal-lażīna kafarū annahum aṣḥābun-nār(i).
[6]
Nya kitu pisan (sakumaha tumerap ka umat-umat nu baheula), katangtuan Pangéran hidep tumerap ogé pikeun jalma-jalma kapir, yén sabenerna maranéhna téh pangeusi naraka.
اَلَّذِيْنَ يَحْمِلُوْنَ الْعَرْشَ وَمَنْ حَوْلَهٗ يُسَبِّحُوْنَ بِحَمْدِ رَبِّهِمْ وَيُؤْمِنُوْنَ بِهٖ وَيَسْتَغْفِرُوْنَ لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْاۚ رَبَّنَا وَسِعْتَ كُلَّ شَيْءٍ رَّحْمَةً وَّعِلْمًا فَاغْفِرْ لِلَّذِيْنَ تَابُوْا وَاتَّبَعُوْا سَبِيْلَكَ وَقِهِمْ عَذَابَ الْجَحِيْمِ٧
Allażīna yaḥmilūnal-‘arsya wa man ḥaulahū yusabbiḥūna biḥamdi rabbihim wa yu'minūna bihī wa yastagfirūna lil-lażīna āmanū, rabbanā wasi‘ta kulla syai'ir raḥmataw wa ‘ilman fagfir lil-lażīna tābū wattaba‘ū sabīlaka wa qihim ‘ażābal-jaḥīm(i).
[7]
(Malaikat-malaikat) nu nyuhun Arasy jeung nu araya di sabudeureunana maca tasbéh ku muji Pangéranana, iman ka Mantenna, sarta mang nyuhunkeun pangapunten pikeun jalma-jalma nu iman (sabari ngucapkeun), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, rahmat sareng élmu Gusti ngawengku sakabéh perkara, mugia Gusti ngahapunten ka jalma-jalma nu tobat sareng tumut kana jalan Gusti, sareng mugia Gusti ngaraksa aranjeunna tina siksa naraka nu ngaléntab-léntab.
رَبَّنَا وَاَدْخِلْهُمْ جَنّٰتِ عَدْنِ ِۨالَّتِيْ وَعَدْتَّهُمْ وَمَنْ صَلَحَ مِنْ اٰبَاۤىِٕهِمْ وَاَزْوَاجِهِمْ وَذُرِّيّٰتِهِمْ ۗاِنَّكَ اَنْتَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُۙ٨
Rabbanā wa adkhilhum jannāti ‘adninil-latī wa‘attahum wa man ṣalaḥa min ābā'ihim wa azwājihim wa żurriyyātihim, innaka antal ‘azīzul-ḥakīm(u).
[8]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugia Gusti ngalebetkeun aranjeunna ka sawarga Aden nu parantos dijangjikeun ku Gusti ka aranjeunna sareng ka jalmi-jalmi nu soléh, nyaéta bapa-bapa, istri-istri, sareng katurunanana. Saleresna mung Gusti Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
وَقِهِمُ السَّيِّاٰتِۗ وَمَنْ تَقِ السَّيِّاٰتِ يَوْمَىِٕذٍ فَقَدْ رَحِمْتَهٗ ۗوَذٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ ࣖ٩
Wa qihimus-sayyi'āt(i), wa man taqis-sayyi'āti yauma'iżin faqad raḥimtah(ū), wa żālika huwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[9]
(Mugia Gusti) ngaraksa aranjeunna tina kaawonan. Saha baé nu ku Gusti dijagi tina kaawonan dina éta dinten, saleresna Gusti parantos masihan rahmat ka anjeunna. Éta téh mangrupikeun kabagjaan nu kacida ageungna.”
اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُنَادَوْنَ لَمَقْتُ اللّٰهِ اَكْبَرُ مِنْ مَّقْتِكُمْ اَنْفُسَكُمْ اِذْ تُدْعَوْنَ اِلَى الْاِيْمَانِ فَتَكْفُرُوْنَ١٠
Innal-lażīna kafarū yunādauna lamaqtullāhi akbaru mim maqtikum anfusakum iż tad‘ūna ilal-īmāni fatakfurūn(a).
[10]
Saenyana jalma-jalma kapir téh digero (dina Poé Kiamat), “Sabenerna kangéwa Allah (ka maranéh) leuwih gedé tinimbang kangéwa maranéh ka diri maranéh sorangan, (lantaran) waktu diajak pikeun iman, maranéh kalah ka ingkar.”
قَالُوْا رَبَّنَآ اَمَتَّنَا اثْنَتَيْنِ وَاَحْيَيْتَنَا اثْنَتَيْنِ فَاعْتَرَفْنَا بِذُنُوْبِنَا فَهَلْ اِلٰى خُرُوْجٍ مِّنْ سَبِيْلٍ١١
Qālū rabbanā amattanaṡnataini wa aḥyaitanaṡnataini fa‘tarafnā biżunūbinā fa hal ilā khurūjim min sabīl(in).
[11]
Maranéhna ngajawab, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, Gusti parantos ngamaotkeun abdi sadaya dua kali sareng parantos ngahirupkeun abdi sadaya (ogé) dua kali, lajeng abdi sadaya ngangken dosa-dosa abdi sadaya. Naha kinten-kintenna aya kénéh jalan (pikeun abdi sadaya) kaluar (ti naraka)?”
ذٰلِكُمْ بِاَنَّهٗٓ اِذَا دُعِيَ اللّٰهُ وَحْدَهٗ كَفَرْتُمْۚ وَاِنْ يُّشْرَكْ بِهٖ تُؤْمِنُوْا ۗفَالْحُكْمُ لِلّٰهِ الْعَلِيِّ الْكَبِيْرِ١٢
Żālikum bi'annahū iżā du‘iyallāhu waḥdahū kafartum, wa iy yusyrak bihī tu'minū, fal-ḥukmu lillāhil-‘aliyyil-kabīr(i).
[12]
Kaayaan kitu téh lantaran saenyana maranéh ingkar lamun diajak ibadah ka Allah wungkul. (Sabalikna,) upama Allah disarékatkeun, maranéh (langsung) percaya. Ku kituna, putusan (waktu ieu) mung kagungan Allah Nu Mahaluhung (tur) Mahaagung.
هُوَ الَّذِيْ يُرِيْكُمْ اٰيٰتِهٖ وَيُنَزِّلُ لَكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ رِزْقًا ۗوَمَا يَتَذَكَّرُ اِلَّا مَنْ يُّنِيْبُ١٣
Huwal-lażī yurīkum āyātihī wa yunazzilu lakum minas-samā'i rizqā(n), wa mā yatażakkaru illā may yunīb(u).
[13]
Mantenna pisan nu ningalikeun tanda-tanda (kakawasaan)-Na ka aranjeun jeung nu nurunkeun rejeki ti langit keur aranjeun. Moal aya jalma nu bakal narima atikan iwal ti jalma-jalma nu mulang (ka Allah).
فَادْعُوا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ وَلَوْ كَرِهَ الْكٰفِرُوْنَ١٤
Fad‘ullāha mukhliṣīna lahud-dīna wa lau karihal-kāfirūn(a).
[14]
Pék geura sembah Allah ku aranjeun kalayan ihlas (ngamurnikeun) ibadah ka Mantenna, sok sanajan jalma-jalma kapir ngéwaeun.
رَفِيْعُ الدَّرَجٰتِ ذُو الْعَرْشِۚ يُلْقِى الرُّوْحَ مِنْ اَمْرِهٖ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ لِيُنْذِرَ يَوْمَ التَّلَاقِۙ١٥
Rafī‘ud-darajāti żul-‘arsy(i), yulqir-rūḥa min amrihī ‘alā may yasyā'u min ‘ibādihī liyunżira yaumat-talāq(i).
[15]
(Mantenna) Nu Mahaluhur Darajat-Na, Anu Kagungan ‘Arasy, Anu Ngutus Malaikat Jibril (nyandak) piwarangana-Na ka saha baé jalma nu dikersakeun ku Mantenna ti antara hamba-hamba-Na, sangkan méré pépéling (ka manusa) ngeunaan poé patepung (Kiamat),
يَوْمَ هُمْ بٰرِزُوْنَ ۚ لَا يَخْفٰى عَلَى اللّٰهِ مِنْهُمْ شَيْءٌ ۗلِمَنِ الْمُلْكُ الْيَوْمَ ۗ لِلّٰهِ الْوَاحِدِ الْقَهَّارِ١٦
Yauma hum bārizūn(a), lā yakhfā ‘alallāhi minhum syai'(un), limanil-mulkul-yaum(a), lillāhil-wāḥidil-qahhār(i).
[16]
(nyaéta) poé waktu maranéhna kaluar (ti jero kubur). Mungguhing Allah mah teu aya hiji ogé ngeunaan kaayaan maranéhna anu nyumput. (Allah ngadawuh), “Kagungan saha karajaan téh dina ieu poé?” Mung kagungan Allah Nu Mahatunggal (tur) Maha Ngéléhkeun.
اَلْيَوْمَ تُجْزٰى كُلُّ نَفْسٍۢ بِمَا كَسَبَتْ ۗ لَا ظُلْمَ الْيَوْمَ ۗاِنَّ اللّٰهَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ١٧
Al-yauma tujzā kullu nafsim bimā kasabat, lā ẓulmal-yaum(a), innallāha sarī‘ul-ḥisāb(i).
[17]
Dina poé ieu unggal jiwa diwales tina naon baé nu geus dipigawé.Teu aya nu dirugikeun dina ieu poé. Saleresna Allah téh éta gancang pisan ngahisabna.
وَاَنْذِرْهُمْ يَوْمَ الْاٰزِفَةِ اِذِ الْقُلُوْبُ لَدَى الْحَنَاجِرِ كٰظِمِيْنَ ەۗ مَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ حَمِيْمٍ وَّلَا شَفِيْعٍ يُّطَاعُۗ١٨
Wa anżirhum yaumal-āzifati iżil-qulūbu ladal-ḥanājiri kāẓimīn(a), mā liẓ-ẓālimīna min ḥamīmiw wa lā syafī‘iy yuṭā‘(u).
[18]
Pék geura béré pépéling ngeunaan poé anu beuki deukeut (Poé Kiamat, nyaéta) waktu haté (nyelek) nepi ka genggerong lantaran nahan (kasedih). Jalma-jalma nu dolim teu boga sobat satia saurang ogé, jeung teu boga nu bakal nyapa’atan nu ditarima sapa’atna.
يَعْلَمُ خَاۤىِٕنَةَ الْاَعْيُنِ وَمَا تُخْفِى الصُّدُوْرُ١٩
Ya‘lamu khā'inatal-a‘yuni wa mā tukhfiṣ-ṣudūr(u).
[19]
Mantenna Mahauninga (sorot) panon nu hianat 797 jeung naon baé nu disumputkeun dina haténa.
797) Titingalian nu dicegah saperti ningali orat awéwe anu lain mahramna.
وَاللّٰهُ يَقْضِيْ بِالْحَقِّ ۗوَالَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ لَا يَقْضُوْنَ بِشَيْءٍ ۗاِنَّ اللّٰهَ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ ࣖ٢٠
Wallāhu yaqḍī bil-ḥaqq(i), wal-lażīna yad‘ūna min dūnihī lā yaqḍūna bisyai'(in), innallāha huwas-samī‘ul-baṣīr(u).
[20]
Allah bakal mutuskeun kalayan bener tur adil, sedengkeun sesembahan-sesembahan anu ku maranéhna disembah salian ti Allah mah moal bisa netepkeun hukuman ku naon baé ogé. Saleresna Allah nya Mantenna téh Nu Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
۞ اَوَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ كَانُوْا مِنْ قَبْلِهِمْ ۗ كَانُوْا هُمْ اَشَدَّ مِنْهُمْ قُوَّةً وَّاٰثَارًا فِى الْاَرْضِ فَاَخَذَهُمُ اللّٰهُ بِذُنُوْبِهِمْ ۗوَمَا كَانَ لَهُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ وَّاقٍ٢١
Awalam yasīrū fil-arḍi fayanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna kānū min qablihim, kānū hum asyaddu minhum quwwataw wa āṡāran fil-arḍi fa'akhażahumullāhu biżunūbihim, wa mā kāna lahum minallāhi miw wāq(in).
[21]
Naha maranéhna henteu nyanyabaan di bumi, tuluy niténan kumaha akibatna jalma-jalma anu hirup saméméh maranéhna? Maranéhna téh leuwih tohaga kakuatanana tinimbang maranéhna jeung (leuwih loba) tapak-lacakna di bumi. 798 Allah nu nyiksa maranéhana lantaran ku dosa-dosana, jeung pikeun maranéhna moal aya saurang ogé nu bisa nangtayungan tina siksaan Allah.
798) Wangunan, pakakas, bénténg-bénténg, jeung istana-istana.
ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَانَتْ تَّأْتِيْهِمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَكَفَرُوْا فَاَخَذَهُمُ اللّٰهُ ۗاِنَّهٗ قَوِيٌّ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٢٢
Żālika bi'annahum kānat ta'tīhim rusuluhum bil-bayyināti fakafarū fa'akhażahumullāh(u), innahū qawiyyun syadīdul-‘iqāb(i).
[22]
Anu kitu téh, sabab geus datang ka maranéhna rasul-rasul kalayan mawa bukti-bukti anu nyata, 799 tuluy maranéhna ingkar, mangka Allah nyiksa maranéhna. Saleresna Mantenna Mahakuat (tur) Maha Rongkah siksaana-Na.
799) Mujijat, hukum-hukum, jeung ajaran-ajaran anu dibawa ku éta rasul.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مُوْسٰى بِاٰيٰتِنَا وَسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍۙ٢٣
Wa laqad arsalnā mūsā bi'āyātinā wa sulṭānim mubīn(in).
[23]
Sabenerna Kami geus ngutus Musa kalayan mawa ayat-ayat Kami jeung katerangan nu nyata
اِلٰى فِرْعَوْنَ وَهَامٰنَ وَقَارُوْنَ فَقَالُوْا سٰحِرٌ كَذَّابٌ٢٤
Ilā fir‘auna wa hāmāna wa qārūna faqālū sāḥirun każżāb(un).
[24]
Ka Fir’aun, Haman, jeung Qorun, terus maranéhna nyarita, “(Musa téh) tukang sihir (tur) tukang ngabohong.”
فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ بِالْحَقِّ مِنْ عِنْدِنَا قَالُوا اقْتُلُوْٓا اَبْنَاۤءَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ وَاسْتَحْيُوْا نِسَاۤءَهُمْ ۗوَمَا كَيْدُ الْكٰفِرِيْنَ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ٢٥
Falammā jā'ahum bil-ḥaqqi min ‘indinā qāluqtulū abnā'al-lażīna āmanū ma‘ahū wastaḥyū nisā'ahum, wa mā kaidul-kāfirīna illā fī ḍalāl(in).
[25]
Waktu Musa datang ka maranéhna mawa bebeneran ti Kami, maranéhna nyarita, “Sok paraéhan ku maranéh anak-anak lalaki jalma-jalma anu iman anu bareng jeung manéhna, jeung keun antep ku maranéh barudak awéwéna sina hirup.” Tipu daya jalma-jalma kapir téh taya lian iwal ti pagawéan gaplah (wungkul).
وَقَالَ فِرْعَوْنُ ذَرُوْنِيْٓ اَقْتُلْ مُوْسٰى وَلْيَدْعُ رَبَّهٗ ۚاِنِّيْٓ اَخَافُ اَنْ يُّبَدِّلَ دِيْنَكُمْ اَوْ اَنْ يُّظْهِرَ فِى الْاَرْضِ الْفَسَادَ٢٦
Wa qāla fir‘aunu żarūnī aqtul mūsā walyad‘u rabbah(ū), innī akhāfu ay yubaddila dīnakum au ay yuẓhira fil-arḍil-fasād(a).
[26]
Fir’aun nyarita (ka gegedén-gegedénna), “Keun baé Musa mah urang paéhan ku kuring, antep manéhna sina ngadoa ka Pangéranana, sabab saenyana kuring paur bisi manéhna engké ngaganti agama maranéh atawa ngabalukarkeun karuksakan di ieu bumi.”
وَقَالَ مُوْسٰىٓ اِنِّيْ عُذْتُ بِرَبِّيْ وَرَبِّكُمْ مِّنْ كُلِّ مُتَكَبِّرٍ لَّا يُؤْمِنُ بِيَوْمِ الْحِسَابِ ࣖ٢٧
Wa qāla mūsā innī ‘użtu birabbī wa rabbikum min kulli mutakabbiril lā yu'minu biyaumil-ḥisāb(i).
[27]
Musa nyarios, “Sabenerna kuring nyalindung ka Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun ti sakur jalma anu adigung, nu henteu daék iman kana poé balitungan.”
وَقَالَ رَجُلٌ مُّؤْمِنٌۖ مِّنْ اٰلِ فِرْعَوْنَ يَكْتُمُ اِيْمَانَهٗٓ اَتَقْتُلُوْنَ رَجُلًا اَنْ يَّقُوْلَ رَبِّيَ اللّٰهُ وَقَدْ جَاۤءَكُمْ بِالْبَيِّنٰتِ مِنْ رَّبِّكُمْ ۗوَاِنْ يَّكُ كَاذِبًا فَعَلَيْهِ كَذِبُهٗ ۚوَاِنْ يَّكُ صَادِقًا يُّصِبْكُمْ بَعْضُ الَّذِيْ يَعِدُكُمْ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِيْ مَنْ هُوَ مُسْرِفٌ كَذَّابٌ٢٨
Wa qāla rajulum mu'min(um), min āli fir‘auna yaktumu īmānahū ataqtulūna rajulan ay yaqūla rabbiyallāhu wa qad jā'akum bil-bayyināti mir rabbikum, wa iy yaku kāżiban fa ‘alaihi każibuh(ū), wa iy yaku ṣādiqay yuṣibkum ba‘ḍul-lażī ya‘idukum, innallāha lā yahdī man huwa musrifun każżāb(un).
[28]
Hiji lalaki anu iman ti antara balad-balad Fir’aun nu nyumputkeun kaimanana nyarita, “Naha maranéh téh rék nelasan hiji lalaki pédah nyarita, ‘Pangéran kuring téh Allah?’ Padahal, anjeunna téh datangna ka maranéh bener-bener mawa katerangan-katerangan ti Pangéran maranéh. Upama anjeunna ngabohong, nya anjeunna sorangan nu bakal nanggung (dosa) bohongna, tapi upama anjeunna jalma anu bener, tangtu bakal tumiba ka maranéh sabagian siksaan nu diancamkeun ku Musa ka maranéh. Saleresna Allah moal méré pituduh ka jalma-jalma anu ngaliwatan wates tur tukang bohong.”
يٰقَوْمِ لَكُمُ الْمُلْكُ الْيَوْمَ ظٰهِرِيْنَ فِى الْاَرْضِۖ فَمَنْ يَّنْصُرُنَا مِنْۢ بَأْسِ اللّٰهِ اِنْ جَاۤءَنَا ۗقَالَ فِرْعَوْنُ مَآ اُرِيْكُمْ اِلَّا مَآ اَرٰى وَمَآ اَهْدِيْكُمْ اِلَّا سَبِيْلَ الرَّشَادِ٢٩
Yā qaumi lakumul-mulkul-yauma ẓāhirīna fil-arḍ(i), famay yanṣurunā mim ba'sillāhi in jā'anā, qāla fir‘aunu mā urīkum illā mā arā wa mā ahdīkum illā sabīlar-rasyād(i).
[29]
(Musa nyarios), “Hé kaom kuring, poé ieu mah karajaan téh aya di aranjeun ku (jalan) kumawasa di bumi, tapi saha jalmana anu bakal nulungan ka urang saréréa tina siksaan Allah upama tumiba ka urang saréréa?” Fir’aun nyarita, “Kuring ngan nuduhkeun ka maranéh naon nu ku kuring dianggap hadé, jeung kuring ngan nunjukkeun jalan nu bener ka maranéh.”
وَقَالَ الَّذِيْٓ اٰمَنَ يٰقَوْمِ اِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ مِّثْلَ يَوْمِ الْاَحْزَابِۙ٣٠
Wa qālal-lażī āmana yā qaumi innī akhāfu ‘alaikum miṡla yaumil-aḥzāb(i).
[30]
Jalma nu iman téh nyarita, “Hé kaom kuring, saenyana kuring téh mangpaurkeun ka aranjeun bisi ditibanan (siksaan) saperti kajadian ancurna golongan-golongan anu sakongkol,
مِثْلَ دَأْبِ قَوْمِ نُوْحٍ وَّعَادٍ وَّثَمُوْدَ وَالَّذِيْنَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ ۗوَمَا اللّٰهُ يُرِيْدُ ظُلْمًا لِّلْعِبَادِ٣١
Miṡla da'bi qaumi nūḥiw wa ‘ādiw wa ṡamūda wal-lażīna mim ba‘dihim, wa mallāhu yurīdu ẓulmal lil-‘ibād(i).
[31]
(nyaéta) saperti kaom Nuh, ‘Ad, Samud, jeung jalma-jalma sanggeus maranéhna. Allah moal ngersakeun kadoliman ka hamba-hamba-Na.
وَيٰقَوْمِ اِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ يَوْمَ التَّنَادِۙ٣٢
Wa yā qaumi innī akhāfu ‘alaikum yaumat-tanād(i).
[32]
Hé kaom kuring, sabenerna kuring mangpaurkeun ka aranjeun kana poé silih geroan 800 ,
800) Poé Kiamat disebut poé silih geroan téh sabab dina éta poé jalma-jalma kumpul di padang mahsar. Sabagianana aya nu ngagero sabagian nu lain pikeun ménta tulung.
يَوْمَ تُوَلُّوْنَ مُدْبِرِيْنَۚ مَا لَكُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ عَاصِمٍۚ وَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ هَادٍ٣٣
Yauma tuwallūna mudbirīn(a), mā lakum minallāhi min ‘āṣim(in), wa may yuḍlilillāhu famā lahū min hād(in).
[33]
(nyaéta) dina poé (nalika) aranjeun dipaléngoskeun ku cara balik deui ka tukang (néangan panyalindungan). Moal aya pikeun aranjeun saurang ogé nu bisa nyalametkeun tina (siksaan) Allah. Saha baé jalma anu disasarkeun ku Allah (ku lantaran pilihanana sorangan kana kasasaran), tangtu moal aya saurang ogé anu bisa méré pituduh ka manéhna.”
وَلَقَدْ جَاۤءَكُمْ يُوْسُفُ مِنْ قَبْلُ بِالْبَيِّنٰتِ فَمَا زِلْتُمْ فِيْ شَكٍّ مِّمَّا جَاۤءَكُمْ بِهٖ ۗحَتّٰىٓ اِذَا هَلَكَ قُلْتُمْ لَنْ يَّبْعَثَ اللّٰهُ مِنْۢ بَعْدِهٖ رَسُوْلًا ۗ كَذٰلِكَ يُضِلُّ اللّٰهُ مَنْ هُوَ مُسْرِفٌ مُّرْتَابٌۙ٣٤
Wa laqad jā'akum yūsufu min qablu bil-bayyināti famā ziltum fī syakkim mimmā jā'akum bih(ī), ḥattā iżā halaka qultum lay yab‘aṡallāhu mim ba‘dihī rasūlā(n), każālika yuḍillullāhu man huwa musrifum murtāb(un).
[34]
Tétéla Yusuf geus datang ka maranéh (baheula) kalayan mawa bukti-bukti anu nyata, tapi maranéh salilana aya dina kamangmangan tina sagala nu dibawa ku anjeunna nepi ka waktu anjeunna maot, maranéh kalah ka nyarita kieu, “Allah moal rék ngutus rasul deui sanajan saurang ogé sanggeusna.” Nya kitu, Allah nyasarkeun ka jalma anu ngaliwatan wates (tur) mangmang.
ۨالَّذِيْنَ يُجَادِلُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِ اللّٰهِ بِغَيْرِ سُلْطٰنٍ اَتٰىهُمْۗ كَبُرَ مَقْتًا عِنْدَ اللّٰهِ وَعِنْدَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ۗ كَذٰلِكَ يَطْبَعُ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ قَلْبِ مُتَكَبِّرٍ جَبَّارٍ٣٥
Allażīna yujādilūna fī āyātillāhi bigairi sulṭānin atāhum, kabura maqtan ‘indallāhi wa ‘indal-lażīna āmanū, każālika yaṭba‘ullāhu ‘alā kulli qalbi mutakabbirin jabbār(in).
[35]
(Nyaéta) jalma-jalma anu paloba-loba omong ngeunaan ayat-ayat Allah tanpa alesan anu datang ka maranéhna. 801 Kacida gedéna bebendon (pikeun maranéhna) munggu Allah, (nya kitu deui) mungguh jalma-jalma anu iman. Nya kitu pisan Allah ngonci saban haté jalma anu sombong jeung sawenang-wenang.
801) Maranéhna nolak ayat-ayat Allah tanpa alesan anu geus datang ka maranéhna.
وَقَالَ فِرْعَوْنُ يٰهَامٰنُ ابْنِ لِيْ صَرْحًا لَّعَلِّيْٓ اَبْلُغُ الْاَسْبَابَۙ٣٦
Wa qāla fir‘aunu yā hāmānubni lī ṣarḥal la‘allī ablugul-asbāb(a).
[36]
Fir’aun nyarita, “Hé Haman, sok geura pangnyieunkeun keur kuring hiji wangunan anu jangkung, sangkan kuring nepi kana panto-panto,
اَسْبَابَ السَّمٰوٰتِ فَاَطَّلِعَ اِلٰٓى اِلٰهِ مُوْسٰى وَاِنِّيْ لَاَظُنُّهٗ كَاذِبًا ۗوَكَذٰلِكَ زُيِّنَ لِفِرْعَوْنَ سُوْۤءُ عَمَلِهٖ وَصُدَّ عَنِ السَّبِيْلِ ۗوَمَا كَيْدُ فِرْعَوْنَ اِلَّا فِيْ تَبَابٍ ࣖ٣٧
Asbābas-samāwāti fa aṭṭali‘a ilā ilāhi mūsā wa innī la'aẓunnuhū kāżibā(n), wa każālika zuyyina lifir‘auna sū'u ‘amalihī wa ṣudda ‘anis-sabīl(i), wa mā kaidu fir‘auna illā fī tabāb(in).
[37]
(nyaéta) panto-panto langit, sangkan kuring bisa nempo Pangéranana Musa. Saenyana kuring nganggap manéhna téh bener-bener tukang bohong.” Nya kitu pisan Fir’aun dipapaésan ku nganggap hadé kana pagawéan jahatna jeung manéhna dihalangan tina jalan (nu bener). Tipu daya Fir’aun téh taya lian iwal ti mawa karugian.
وَقَالَ الَّذِيْٓ اٰمَنَ يٰقَوْمِ اتَّبِعُوْنِ اَهْدِكُمْ سَبِيْلَ الرَّشَادِۚ٣٨
Wa qālal-lażī āmana yā qaumittabi‘ūni ahdikum sabīlar-rasyād(i).
[38]
Jalma anu iman téh nyarita, “Hé kaom kuring, geura nurut ka kuring, pasti kuring bakal nuduhkeun ka aranjeun kana jalan anu bener.
يٰقَوْمِ اِنَّمَا هٰذِهِ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا مَتَاعٌ ۖوَّاِنَّ الْاٰخِرَةَ هِيَ دَارُ الْقَرَارِ٣٩
Yā qaumi innamā hāżihil-ḥayātud-dun-yā matā‘(un), wa innal-ākhirata hiya dārul-qarār(i).
[39]
Hé kaom kuring, sabenerna kahirupan dunya téh ngan ukur kasenangan (nu samentara), sedengkeun ahérat mah nagri anu langgeng.
مَنْ عَمِلَ سَيِّئَةً فَلَا يُجْزٰىٓ اِلَّا مِثْلَهَاۚ وَمَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِّنْ ذَكَرٍ اَوْ اُنْثٰى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَاُولٰۤىِٕكَ يَدْخُلُوْنَ الْجَنَّةَ يُرْزَقُوْنَ فِيْهَا بِغَيْرِ حِسَابٍ٤٠
Man ‘amila sayyi'atan falā yujzā illā miṡlahā, wa man ‘amila ṣāliḥam min żakarin au unṡā wa huwa mu'minun fa'ulā'ika yadkhulūnal-jannata yurzaqūna fīhā bigairi ḥisāb(in).
[40]
Saha baé jalma anu migawé kagoréngan, manéhna moal diwales salian ti nu sabanding jeung kagorénganana; Saha baé jalma anu midamel kahadéan, boh lalaki boh awéwé, bari dina kaayaan iman, anjeunna bakal asup ka sawarga. Anjeunna dipaparinan rejeki di dinya nu teu kaitung.
۞ وَيٰقَوْمِ مَا لِيْٓ اَدْعُوْكُمْ اِلَى النَّجٰوةِ وَتَدْعُوْنَنِيْٓ اِلَى النَّارِۗ٤١
Wa yā qaumi mā lī ad‘ūkum ilan-najāti wa tad‘ūnanī ilan-nār(i).
[41]
Hé kaom kuring, naha kunaon aranjeun téh ku kuring diajak kana kasalematan, tapi bet kalah ngajak kuring ka naraka?
تَدْعُوْنَنِيْ لِاَكْفُرَ بِاللّٰهِ وَاُشْرِكَ بِهٖ مَا لَيْسَ لِيْ بِهٖ عِلْمٌ وَّاَنَا۠ اَدْعُوْكُمْ اِلَى الْعَزِيْزِ الْغَفَّارِ٤٢
Tad‘ūnanī li'akfura billāhi wa usyrika bihī mā laisa lī bihī ‘ilmuw wa ana ad‘ūkum ilal-‘azīzil-gaffār(i).
[42]
Aranjeun nitah kuring sangkan ingkar ka Allah jeung nyarékatkeun Mantenna ku naon anu kuring (sorangan) teu nyaho soal éta, padahal kuring mah ngajak aranjeun (iman) ka Nu Mahagagah (tur) Nu Maha Jembar-pangampura?
لَا جَرَمَ اَنَّمَا تَدْعُوْنَنِيْٓ اِلَيْهِ لَيْسَ لَهٗ دَعْوَةٌ فِى الدُّنْيَا وَلَا فِى الْاٰخِرَةِ وَاَنَّ مَرَدَّنَآ اِلَى اللّٰهِ وَاَنَّ الْمُسْرِفِيْنَ هُمْ اَصْحٰبُ النَّارِ٤٣
Lā jarama annamā tad‘ūnanī ilaihi laisa lahū da‘watun fid-dun-yā wa lā fil-ākhirati wa anna maraddanā ilallāhi wa annal-musrifīna hum aṣḥābun-nār(i).
[43]
Geus pasti yén naon anu ditepikeun ku aranjeun ka kuring (sangkan nyembah) kana éta téh moal bisa ngabulkeun paménta naon baé ogé, boh di dunya boh di ahérat. 802 Sabenerna pangbalikan urang saréréa téh ka Allah, jeung saenyana jalma-jalma anu ngaliwat wates téh nya maranéhna pisan pangeusi naraka.
802) Moal bisa nulungan, boh di dunya atawa di ahérat.
فَسَتَذْكُرُوْنَ مَآ اَقُوْلُ لَكُمْۗ وَاُفَوِّضُ اَمْرِيْٓ اِلَى اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ بَصِيْرٌ ۢبِالْعِبَادِ٤٤
Fa satażkurūna mā aqūlu lakum, wa ufawwiḍu amrī ilallāh(i), innallāha baṣīrum bil-‘ibād(i).
[44]
Jaga aranjeun bakal inget kana sagala rupa nu dicaritakeun ku kuring ka aranjeun. Kuring masrahkeun sagala urusan ka Allah. Saleresna Allah téh Maha Ningali ka hamba-hamba-Na.
فَوَقٰىهُ اللّٰهُ سَيِّاٰتِ مَا مَكَرُوْا وَحَاقَ بِاٰلِ فِرْعَوْنَ سُوْۤءُ الْعَذَابِۚ٤٥
Fa waqāhullāhu sayyi'āti mā makarū wa ḥāqa bi'āli fir‘auna sū'al-‘ażāb(i).
[45]
Mangka, Allah ngaraksa anjeunna (jalma nu iman) tina sagala rupa kajahatan tipu muslihat maranéhna, sedengkeun Fir’aun jeung kaomna mah dikepung ku panggoréng-goréngna siksa.
اَلنَّارُ يُعْرَضُوْنَ عَلَيْهَا غُدُوًّا وَّعَشِيًّا ۚوَيَوْمَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ ۗ اَدْخِلُوْٓا اٰلَ فِرْعَوْنَ اَشَدَّ الْعَذَابِ٤٦
An-nāru yu‘raḍūna ‘alaihā guduwwaw wa ‘asyiyyā(n), wa yauma taqūmus-sā‘ah(tu), adkhilū āla fir‘auna asyaddal-‘ażāb(i).
[46]
(Seuneu) naraka ditémbongkeun ka maranéhna (di alam barjah) isuk-isuk, pasosoré, 803 jeung dina Poé Kiamat. (Dicaritakeun ka para malaikat), “Pék geura asupkeun Fir’aun jeung kaomna kana siksaan nu pangrongkah-rongkahna!”
803) Ditingalikeun ka maranéhna naraka di waktu isuk jeung soré sa acan maranéhna dihudangkeun ti kubur ka alam mahsar.
وَاِذْ يَتَحَاۤجُّوْنَ فِى النَّارِ فَيَقُوْلُ الضُّعَفٰۤؤُا لِلَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْٓا اِنَّا كُنَّا لَكُمْ تَبَعًا فَهَلْ اَنْتُمْ مُّغْنُوْنَ عَنَّا نَصِيْبًا مِّنَ النَّارِ٤٧
Wa iż yataḥājjūna fin-nāri fayaqūluḍ-ḍu‘afā'u lil-lażīnastakbarū innā kunnā lakum taba‘an fahal antum mugnūna ‘annā naṣībam minan-nār(i).
[47]
(Sing inget) nalika maranéhna pacéntal-céntal di naraka. Jalma-jalma anu héngkér nyarita ka jalma-jalma anu nyombongkeun diri, “Saenyana kuring saréréa (baheula téh) nurut ka aranjeun. Ku kituna, naha bisa ayeuna aranjeun nyingkahkeun sabagian siksaan (seuneu) naraka ti kuring saréréa?”
قَالَ الَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْٓا اِنَّا كُلٌّ فِيْهَآ اِنَّ اللّٰهَ قَدْ حَكَمَ بَيْنَ الْعِبَادِ٤٨
Qālal-lażīnastakbarū innā kullun fīhā innallāha qad ḥakama bainal-‘ibād(i).
[48]
Jalma-jalma anu nyombongkeun diri ngajawab, “Saenyana urang saréréa téh pada-pada aya dina jero naraka. Sabenerna mah Allah geus nangtukeun putusan ka hamba-hamba-(Na).”
وَقَالَ الَّذِيْنَ فِى النَّارِ لِخَزَنَةِ جَهَنَّمَ ادْعُوْا رَبَّكُمْ يُخَفِّفْ عَنَّا يَوْمًا مِّنَ الْعَذَابِ٤٩
Wa qālal-lażīna fin-nāri likhazanati jahannamad‘ū rabbakum yukhaffif ‘annā yaumam minal-‘ażāb(i).
[49]
Jalma-jalma anu aya di jero naraka (Jahanam) nyarita ka anu ngajaga naraka Jahanam, “Cing pangméntakeun ka Pangéran aranjeun sangkan Mantenna ngaringankeun siksaan sapoé mah ti kuring saréréa!”
قَالُوْٓا اَوَلَمْ تَكُ تَأْتِيْكُمْ رُسُلُكُمْ بِالْبَيِّنٰتِ ۗقَالُوْا بَلٰىۗ قَالُوْا فَادْعُوْا ۚوَمَا دُعٰۤؤُا الْكٰفِرِيْنَ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ ࣖ٥٠
Qālū awalam taku ta'tīkum rusulukum bil-bayyināt(i), qālū balā, qālū fad‘ū, wa mā du‘ā'ul-kāfirīna illā fī ḍalāl(in).
[50]
Anu ngajaraga Jahanam nyarita, “Naha teu kungsi datang ka maranéh rasul-rasul nu diutus, nu mawa bukti-bukti nu nyata?” Maranéhna ngajawab, “Kantenan baé parantos sarumping.” Anu ngajaraga Jahanam nyarita, “Nya ari kitu mah pék atuh maranéh ngadoa, ngan doana jalma-jalma kapir mah moal aya mangpa’atna.”
اِنَّا لَنَنْصُرُ رُسُلَنَا وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَيَوْمَ يَقُوْمُ الْاَشْهَادُۙ٥١
Innā lananṣuru rusulanā wal-lażīna āmanū fil-ḥayātid-dun-yā wa yauma yaqūmul-asyhād(u).
[51]
Saenyana Kami bakal nulungan rasul-rasul Kami jeung jalma-jalma nu iman di kahirupan dunya jeung dina poé dihadirkeunana saksi-saksi (Poé Kiamat),
يَوْمَ لَا يَنْفَعُ الظّٰلِمِيْنَ مَعْذِرَتُهُمْ وَلَهُمُ اللَّعْنَةُ وَلَهُمْ سُوْۤءُ الدَّارِ٥٢
Yauma lā yanfa‘uẓ-ẓālimīna ma‘żiratuhum wa lahumul-la‘natu wa lahum sū'ud-dār(i).
[52]
(nyaéta) poé nu teu aya mangpaatna pikeun jalma-jalma dolim ménta pangampura. Pikeun maranéhna mah disadiakeun la’nat tur padumukan anu goréng.
وَلَقَدْاٰتَيْنَا مُوْسَى الْهُدٰى وَاَوْرَثْنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ الْكِتٰبَۙ٥٣
Wa laqad ātainā mūsal-hudā wa auraṡnā banī isrā'īlal-kitāb(a).
[53]
Sabenerna Kami geus maparinan pituduh ka Musa jeung ngawariskeun Torét ka Bani Israél
هُدًى وَّذِكْرٰى لِاُولِى الْاَلْبَابِ٥٤
Hudaw wa żikrā li'ulil-albāb(i).
[54]
pikeun jadi pituduh jeung pépéling pikeun jalma-jalma anu boga akal séhat.
فَاصْبِرْ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّاسْتَغْفِرْ لِذَنْۢبِكَ وَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ بِالْعَشِيِّ وَالْاِبْكَارِ٥٥
Faṣbir inna wa‘dallāhi ḥaqquw wastagfir liżambika wa sabbiḥ biḥamdi rabbika bil-‘asyiyyi wal-ibkār(i).
[55]
Ku lantaran kitu, anjeun kudu sabar. Sabenerna jangji Allah mah pasti bener. Pék geura ménta hampura tina dosa jeung pék geura nyucikeun hidep ku cara muji sukuran ka Pangéran hidep, boh di waktu soré boh isuk-isuk.
اِنَّ الَّذِيْنَ يُجَادِلُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِ اللّٰهِ بِغَيْرِ سُلْطٰنٍ اَتٰىهُمْ ۙاِنْ فِيْ صُدُوْرِهِمْ اِلَّا كِبْرٌ مَّا هُمْ بِبَالِغِيْهِۚ فَاسْتَعِذْ بِاللّٰهِ ۗاِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْبَصِيْرُ٥٦
Innal-lażīna yujādilūna fī āyātillāhi bigairi sulṭānin atāhum, in fī ṣudūrihim illā kibrum mā hum bibāligīh(i), fasta‘iż billāh(i), innahū huwas-samī‘ul-baṣīr(u).
[56]
Saenyana, jalma-jalma nu ngabantah ayat-ayat Allah nu datang ka maranéhna tanpa alesan (bukti), éta téh teu aya dina dada maranéhna iwal ti kasombongan (pikeun tujuan) nu sama sakali moal kahontal ku maranéhna. Ku kituna, pék hidep geura nyuhunkeun panyalindungan ka Allah. Saleresna Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
لَخَلْقُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ اَكْبَرُ مِنْ خَلْقِ النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ٥٧
Lakhalqus-samāwāti wal-arḍi akbaru min khalqin-nāsi wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[57]
Sabenerna nyiptakeun langit jeung bumi téh leuwih tohaga tibatan nyiptakeun manusa, tapi lolobana manusa téh teu nyahoeun.
وَمَا يَسْتَوِى الْاَعْمٰى وَالْبَصِيْرُ ەۙ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَلَا الْمُسِيْۤئُ ۗقَلِيْلًا مَّا تَتَذَكَّرُوْنَ٥٨
Wa mā yastawil-a‘mā wal-baṣīr(u), wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa lal-musī'(u), qalīlam mā tatażakkarūn(a).
[58]
Teu sarua jalma anu lolong jeung jalma anu beunta. Teu (sarua) ogé jalma-jalma anu iman tur migawé kahadéan jeung jalma-jalma nu migawé kagoréngan. Ngan saeutik pisan ti antara maranéhna anu ngalap atikan.
اِنَّ السَّاعَةَ لَاٰتِيَةٌ لَّا رَيْبَ فِيْهَا ۖوَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يُؤْمِنُوْنَ٥٩
Innas-sā‘ata la'ātiyatul lā raiba fīhā, wa lākinna akṡaran-nāsi lā yu'minūn(a).
[59]
Saenyana Poé Kiamat téh pasti bakal datang. Teu aya kamangmangan dina éta perkara, tapi lolobana manusa téh teu iman.
وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُوْنِيْٓ اَسْتَجِبْ لَكُمْ ۗاِنَّ الَّذِيْنَ يَسْتَكْبِرُوْنَ عَنْ عِبَادَتِيْ سَيَدْخُلُوْنَ جَهَنَّمَ دَاخِرِيْنَ ࣖ٦٠
Wa qāla rabbukumud‘ūnī astajib lakum, innal-lażīna yastakbirūna ‘an ‘ibādatī sayadkhulūna jahannama dākhirīn(a).
[60]
Pangéran aranjeun ngadawuh, “Geura ngadoa ka Kaula, pasti Kaula ngaijabah (naon nu dipikahayang). Saenyana jalma-jalma anu nyombongkeun diri tina nyembah ka Kaula 804 bakal asup ka naraka Jahanam dina kaayaan hina.
804) “Nyembah ka Kaula” dina ayat ieu téh nyaéta ngadoa ka Allah.
اَللّٰهُ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الَّيْلَ لِتَسْكُنُوْا فِيْهِ وَالنَّهَارَ مُبْصِرًا ۗاِنَّ اللّٰهَ لَذُوْ فَضْلٍ عَلَى النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَشْكُرُوْنَ٦١
Allāhul-lażī ja‘ala lakumul-laila litaskunū fīhi wan-nahāra mubṣirā(n), innallāha lażū faḍlin ‘alan-nāsi wa lākinna akṡaran-nāsi lā yasykurūn(a).
[61]
Allah anu ngajadikeun peuting keur aranjeun sangkan aranjeun ngaso di dinya, jeung (ngajadikeun) beurang nu caang marakbak. Saleresna Allah leres-leres kagungan kurnia anu ngalimpah pikeun manusa, tapi lolobana manusa téh teu sukuran.
ذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْ خَالِقُ كُلِّ شَيْءٍۘ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۖفَاَنّٰى تُؤْفَكُوْنَ٦٢
Żālikumullāhu rabbukum khāliqu kulli syai'(in), lā ilāha illā huw(a), fa'annā tu'fakūn(a).
[62]
Tah éta téh Allah, Pangéran aranjeun, nu nyiptakeun sagala perkara. Teu aya deui Pangéran iwal ti Mantenna. Nya kumaha atuh maranéh bisa dipaléngoskeun?
كَذٰلِكَ يُؤْفَكُ الَّذِيْنَ كَانُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ يَجْحَدُوْنَ٦٣
Każālika yu'fakul-lażīna kānū bi'āyātillāhi yajḥadūn(a).
[63]
Tah kitu pisan dipaléngoskeunana jalma-jalma nu salilana ingkar kana ayat-ayat Allah téh.
اَللّٰهُ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ قَرَارًا وَّالسَّمَاۤءَ بِنَاۤءً وَّصَوَّرَكُمْ فَاَحْسَنَ صُوَرَكُمْ وَرَزَقَكُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِ ۗذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْ ۚ فَتَبٰرَكَ اللّٰهُ رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ٦٤
Allāhul-lażī ja‘ala lakumul-arḍa qarāraw was-samā'a binā'aw wa ṣawwarakum fa'aḥsana ṣuwarakum wa razaqakum minaṭ-ṭayyibāt(i), żālikumullāhu rabbukum, fatabārakallāhu rabbul-‘ālamīn(a).
[64]
Allah anu ngajadikeun bumi pikeun padumukan aranjeun, jeung langit minangka hateupna. Mantenna geus nyiptakeun aranjeun kalayan rupa nu sahadé-hadéna, jeung maparinan rejeki ka aranjeun tina rejeki nu hadé. Tah éta téh Allah, Pangéran aranjeun. Mahasuci Allah, Pangéran sakumna alam.
هُوَ الْحَيُّ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ فَادْعُوْهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ۗ اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٦٥
Huwal-ḥayyu lā ilāha illā huwa fad‘ūhu mukhliṣīna lahud-dīn(a), al-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[65]
Mung Mantenna anu hirup langgeng salawasna. Teu aya deui Pangéran (anu hak disembah) anging Mantenna. Ku kituna, pék geura ngadoa ka Mantenna kalayan ihlas karana Allah. Sakabéh puji mung kagungan Allah, Pangéran sakumna alam.
۞ قُلْ اِنِّيْ نُهِيْتُ اَنْ اَعْبُدَ الَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ لَمَّا جَاۤءَنِيَ الْبَيِّنٰتُ مِنْ رَّبِّيْ وَاُمِرْتُ اَنْ اُسْلِمَ لِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٦٦
Qul innī nuhītu an a‘budal-lażīna tad‘ūna min dūnillāhi lammā jā'aniyal-bayyinātu mir rabbī wa umirtu an uslima lirabbil-‘ālamīn(a).
[66]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring dicegah nyembah sarékat-sarékat nu disembah ku aranjeun salian ti Allah sanggeus datang katerangan-katerangan ti Pangéran kuring. Kuring diparéntahkeun sangkan sumerah diri ka Pangéran sakumna alam.”
هُوَ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ تُرَابٍ ثُمَّ مِنْ نُّطْفَةٍ ثُمَّ مِنْ عَلَقَةٍ ثُمَّ يُخْرِجُكُمْ طِفْلًا ثُمَّ لِتَبْلُغُوْٓا اَشُدَّكُمْ ثُمَّ لِتَكُوْنُوْا شُيُوْخًا ۚوَمِنْكُمْ مَّنْ يُّتَوَفّٰى مِنْ قَبْلُ وَلِتَبْلُغُوْٓا اَجَلًا مُّسَمًّى وَّلَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ٦٧
Huwal-lażī khalaqakum min turābin ṡumma min nuṭfatin ṡumma min ‘alaqatin ṡumma yukhrijukum ṭiflan ṡumma litablugū asyuddakum ṡumma litakūnū syuyūkhā(n), wa minkum may yutawaffā min qablu wa litablugū ajalam musammaw wa la‘allakum ta‘qilūn(a).
[67]
Mantenna nu nyiptakeun aranjeun tina taneuh, tuluy tina sakeclak cimani, tuluy jadi getih kimpel, saterasna Mantenna ngaluarkeun aranjeun jadi orok, tuluy (aranjeun dihirupan) nepi ka aranjeun déwasa, tuluy (aya) nu nepi ka pikun; tapi aya ogé ti antara aranjeun anu dimaotkeun saméméhna. (Kami midamel nu kitu téh) sangkan aranjeun nepi ka waktu nu geus ditangtukeun jeung sangkan ngagunakeun akal.
هُوَ الَّذِيْ يُحْيٖ وَيُمِيْتُۚ فَاِذَا قَضٰىٓ اَمْرًا فَاِنَّمَا يَقُوْلُ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ ࣖ٦٨
Huwal-lażī yuḥyī wa yumīt(u), fa'iżā qaḍā amran fa'innamā yaqūlu lahū kun fa yakūn(u).
[68]
Mantenna anu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Saupama netepkeun hiji urusan, Mantenna kantun ngadawuh, “Jadi!” Mangka, jleg baé jadi.
اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ يُجَادِلُوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِ اللّٰهِ ۗاَنّٰى يُصْرَفُوْنَۚ٦٩
Alam tara ilal-lażīna yujādilūna fī āyātillāh(i), annā yuṣrafūn(a).
[69]
Naha hidep teu niténan jalma-jalma anu (sok) pacéntal-céntal ngeunaan ayat-ayat Allah? Kumaha maranéhna dibalieurkeun?
اَلَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِالْكِتٰبِ وَبِمَآ اَرْسَلْنَا بِهٖ رُسُلَنَا ۗفَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَۙ٧٠
Allażīna każżabū bil kitābi wa bimā arsalnā bihī rusulanā, fasaufa ya‘lamūn(a).
[70]
(Nyaéta) jalma-jalma nu ngabohongkeun kana Kitab (Al-Qur’an) jeung wahyu nu dicandak ku para rasul Kami anu geus diutus ku Kami. Engké ogé maranéhna bakal nyaho
اِذِ الْاَغْلٰلُ فِيْٓ اَعْنَاقِهِمْ وَالسَّلٰسِلُۗ يُسْحَبُوْنَۙ٧١
Iżil-aglālu fī a‘nāqihim was-salāsil(u), yusḥabūn(a).
[71]
waktu tali-tali jeung ranté-ranté (dipasang) dina beuheung maranéhna, bari maranéhna diséréd
فِى الْحَمِيْمِ ەۙ ثُمَّ فِى النَّارِ يُسْجَرُوْنَۚ٧٢
Fil-ḥamīm(i), ṡumma fin-nāri yusjarūn(a).
[72]
ka jero cai anu kacida panasna, tuluy maranéhnna diduruk dina seuneu.
ثُمَّ قِيْلَ لَهُمْ اَيْنَ مَا كُنْتُمْ تُشْرِكُوْنَۙ٧٣
Ṡumma qīla lahum aina mā kuntum tusyrikūn(a).
[73]
Tuluy dicaritakeun ka maranéhna, “Sok mana berhala-berhala nu baheula ku maranéh sok disarékatkeun (jeung Allah) téh?
مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗقَالُوْا ضَلُّوْا عَنَّا بَلْ لَّمْ نَكُنْ نَّدْعُوْا مِنْ قَبْلُ شَيْـًٔاۗ كَذٰلِكَ يُضِلُّ اللّٰهُ الْكٰفِرِيْنَ٧٤
Min dūnillāh(i), qālū ḍallū ‘annā bal lam nakun nad‘ū min qablu syai'ā(n), każālika yuḍillullāhul-kāfirīn(a).
[74]
(Nyaéta nu ku maranéh disembah) salian ti Allah?” Maranéhna ngajawab, “Maranéhna geus leungit ti abdi sadaya. Anu saleresna mah abdi sadaya téh ti baheula ogé teu kantos pisan nyembah.” Nya jiga kitu, Allah nyasarkeun jalma-jalma kapir.
ذٰلِكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَفْرَحُوْنَ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَبِمَا كُنْتُمْ تَمْرَحُوْنَ٧٥
Żālikum bimā kuntum tafraḥūna fil-arḍi bigairil-ḥaqqi wa bimā kuntum tamraḥūn(a).
[75]
Kituna téh, ku lantaran maranéh suka-bungah di bumi ku cara teu bener, jeung ku lantaran maranéh terus-terusan suka bungah (dina kama’siatan).
اُدْخُلُوْٓا اَبْوَابَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۚفَبِئْسَ مَثْوَى الْمُتَكَبِّرِيْنَ٧٦
Udkhlulū abwāba jahannama khālidīna fīhā, fabi'sa maṡwal-mutakabūbirīn(a).
[76]
(Dicaritakeun ka maranéhna), “Geura arasup ka panto-panto naraka Jahanam bari langgeng di dinyana! Nya éta pisan tempat anu panggoréng-goréngna pikeun jalma-jalma anu sombong.”
فَاصْبِرْ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ ۚفَاِمَّا نُرِيَنَّكَ بَعْضَ الَّذِيْ نَعِدُهُمْ اَوْ نَتَوَفَّيَنَّكَ فَاِلَيْنَا يُرْجَعُوْنَ٧٧
Faṣbir inna wa‘dallāhi ḥaqq(un), fa'immā nuriyannaka ba‘ḍal-lażī na‘iduhum au natawaffayannaka fa'ilainā yurja‘ūn(a).
[77]
Ku kituna, hidep (Muhammad) sing sabar. Sabenerna jangji Allah mah bener. Sok sanajan Kami ningalikeun ka hidep sabagian tina siksa nu ku Kami diancamkeun ka maranéhna, atawa Kami ngamaotkeun hidep (saméméh ajal tumiba ka maranéhna), éstu ngan ka Kami wungkul maranéhna bakal dibalikkeun.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا رُسُلًا مِّنْ قَبْلِكَ مِنْهُمْ مَّنْ قَصَصْنَا عَلَيْكَ وَمِنْهُمْ مَّنْ لَّمْ نَقْصُصْ عَلَيْكَ ۗوَمَا كَانَ لِرَسُوْلٍ اَنْ يَّأْتِيَ بِاٰيَةٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۚفَاِذَا جَاۤءَ اَمْرُ اللّٰهِ قُضِيَ بِالْحَقِّ وَخَسِرَ هُنَالِكَ الْمُبْطِلُوْنَ ࣖ٧٨
Wa laqad arsalnā rusulam min qablika minhum man qaṣaṣnā ‘alaika wa minhum mal lam naqṣuṣ ‘alaik(a), wa mā kāna lirasūlin ay ya'tiya bi'āyatin illā bi'iżnillāh(i), fa'iżā jā'a amrullāhi quḍiya bil-ḥaqqi wa khasira hunālikal-mubṭilūn(a).
[78]
Sabenerna Kami geus ngutus sababaraha rasul saméméh hidep. Ti antarana aya nu ku Kami dicaritakeun ka hidep. Ti antarana aya (ogé) anu ku Kami teu dicaritakeun ka hidep. Moal bisa pikeun hiji rasul mawa hiji mujijat, iwal ti kalayan ijin Allah. Ku kituna, saupama geus datang paréntah Allah, tangtu diputuskeun (sakabéh perkara) kalayan adil. Dina waktu éta, kacida rugina jalma-jalma nu nuturkeun kabatilan.
اَللّٰهُ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَنْعَامَ لِتَرْكَبُوْا مِنْهَا وَمِنْهَا تَأْكُلُوْنَۖ٧٩
Allāhul-lażī ja‘ala lakumul-an‘āma litarkabū minhā wa minhā ta'kulūn(a).
[79]
Allah nu ngajadikeun ingon-ingon pikeun aranjeun. Sabagianana keur tutumpakan aranjeun, sedengkeun sabagianana deui pikeun dahareun.
وَلَكُمْ فِيْهَا مَنَافِعُ وَلِتَبْلُغُوْا عَلَيْهَا حَاجَةً فِيْ صُدُوْرِكُمْ وَعَلَيْهَا وَعَلَى الْفُلْكِ تُحْمَلُوْنَۗ٨٠
Wa lakum fīhā manāfi‘u wa litablugū ‘alaihā ḥājatan fī ṣudūrikum wa ‘alaihā wa ‘alal-fulki tuḥmalūn(a).
[80]
(Aya deui) mangpa’at séjénna tina éta ingon-ingon téh pikeun aranjeun, 805 sangkan aranjeun bisa nyumponan pangabutuh saluyu jeung kahayang aranjeun. Aranjeun bisa tumpak dina éta ingon-ingon jeung aranjeun ogé bisa tumpak dina parahu.
805) Maksud mangpa’at lian téh saperti kamangpa’atan tina susuna, kulitna, buluna, jeung salain ti éta.
وَيُرِيْكُمْ اٰيٰتِهٖۖ فَاَيَّ اٰيٰتِ اللّٰهِ تُنْكِرُوْنَ٨١
Wa yurīkum āyātih(ī), fa ayya āyātillāhi tunkirūn(a).
[81]
Mantenna ningalikeun ka aranjeun tanda-tanda (kakawasaan Mantenna), mangka tanda-tanda (kakawasaan) Allah nu mana deui nu ku aranjeun dipungkir téh?
اَفَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ ۗ كَانُوْٓا اَكْثَرَ مِنْهُمْ وَاَشَدَّ قُوَّةً وَّاٰثَارًا فِى الْاَرْضِ فَمَآ اَغْنٰى عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٨٢
Afalam yasīrū fil-arḍi fa yanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qablihim, kānū akṡara minhum wa asyadda quwwataw wa āṡāran fil-arḍi famā agnā ‘anhum mā kānū yaksibūn(a).
[82]
Naha maranéhna téh tara nyaba di bumi bari niténan kumaha balukarna jalma-jalma saméméh maranéhna. Kaayaan jalma-jalma saméméh maranéhna téh leuwih kuat tur leuwih hébat kakuatanana, jeung (leuwih loba) tapak lacakna di bumi tibatan maranéhna. Mangka, sagala nu diusahakeun ku maranéhna téh teu bisa jadi pitulung pikeun maranéhna.
فَلَمَّا جَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَرِحُوْا بِمَا عِنْدَهُمْ مِّنَ الْعِلْمِ وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٨٣
Falammā jā'athum rusuluhum bil-bayyināti fariḥū bimā ‘indahum minal-‘ilmi wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[83]
Nya waktu datang ka maranéhna para rasul (anu baheula diutus ka) maranéhna kalayan mawa katerangan-katerangan, maranéhna ngarasa bungah ku élmu nu geus nyampak di maranéhna. 806 Maranéhna téh dikepung ku siksaan Allah anu sok diguguyonkeun ku maranéhna.
806) Nyaéta yén maranéhna téh geus ngarasa cukup ku élmu nu dipiboga, teu perlu deui élmu nu didatangkeun ku para rasul. Malahan maranéhna nganggap énténg jeung ngageuhgeuykeun katerangan nu datang ti para rasul téh.
فَلَمَّا رَاَوْا بَأْسَنَاۗ قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَحْدَهٗ وَكَفَرْنَا بِمَا كُنَّا بِهٖ مُشْرِكِيْنَ٨٤
Falammā ra'au ba'sanā qālū āmannā billāhi waḥdahū wa kafarnā bimā kunnā bihī musyrikīn(a).
[84]
Mangka waktu nénjo siksaan Kami, maranéhna nyarita, “Abdi sadaya mung iman ka Allah wungkul, sareng abdi sadaya mungkir kana sesembahan nu ku abdi sadaya tos disarékatkeun ka Allah.”
فَلَمْ يَكُ يَنْفَعُهُمْ اِيْمَانُهُمْ لَمَّا رَاَوْا بَأْسَنَا ۗسُنَّتَ اللّٰهِ الَّتِيْ قَدْ خَلَتْ فِيْ عِبَادِهٖۚ وَخَسِرَ هُنَالِكَ الْكٰفِرُوْنَ ࣖ٨٥
Falam yaku yanfa‘uhum īmānuhum lammā ra'au ba'sanā, sunnatallāhil latī qad khalat fī ‘ibādih(ī), wa khasira hunālikal-kāfirūn(a).
[85]
Mangka, imanna maranéhna téh teu aya gunana deui waktu maranéhna geus nempo siksaan Kami. Éta téh katetepan Allah anu geus ditangtukeun pikeun hamba-hamba-Na. Dina waktu éta jalma-jalma kapir téh binasa.