Surah An-Nisa`

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا رَبَّكُمُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ نَّفْسٍ وَّاحِدَةٍ وَّخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالًا كَثِيْرًا وَّنِسَاۤءً ۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْ تَسَاۤءَلُوْنَ بِهٖ وَالْاَرْحَامَ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا١
Yā ayyuhan-nāsuttaqū rabbakumul-lażī khalaqakum min nafsiw wāḥidatiw wa khalaqa minhā zaujahā wa baṡṡa minhumā rijālan kaṡīraw wa nisā'ā(n), wattaqullāhal-lażī tasā'alūna bihī wal-arḥām(a), innallāha kāna ‘alaikum raqībā(n).
[1] Hé manusa, kudu takwa ka Pangéran aranjeun anu geus nyiptakeun aranjeun tina hiji diri (Adam) jeung nyiptakeun pasanganana (Hawa) ti dirina, jeung ti duanana Mantenna ngarundaykeun lalaki jeung awéwé anu loba pisan. Kudu takwa ka Allah anu kalayan (nyebat) jenengana-Na aranjeun silih péntaan, 176 sarta (piara) hubungan kakulawargaan. Saleresna Allah teras-terasan ngaraksa tur nalingakeun ka aranjeun.
176) Nurutkeun kabiasaan urang Arab, lamun nanyakeun hiji hal atawa ménta ka batur, maranéhna ngedalkeun jenengan Allah saperti as'aluka billāh, hartina kuring nanya atawa ménta ka anjeun kalayan jenengan Allah.

وَاٰتُوا الْيَتٰمٰىٓ اَمْوَالَهُمْ وَلَا تَتَبَدَّلُوا الْخَبِيْثَ بِالطَّيِّبِ ۖ وَلَا تَأْكُلُوْٓا اَمْوَالَهُمْ اِلٰٓى اَمْوَالِكُمْ ۗ اِنَّهٗ كَانَ حُوْبًا كَبِيْرًا٢
Wa ātul-yatāmā amwālahum wa lā tatabaddalul-khabīṡa biṭ-ṭayyib(i), wa lā ta'kulū amwālahum ilā amwālikum, innahū kāna ḥūban kabīrā(n).
[2] Pasrahkeun ka budak-budak yatim (nu geus déwasa) harta-harta maranéhna, ulah nukeurkeun anu goréng ka nu alus, sarta ulah ngadahar harta maranéhna (kalawan dicampurkeun) jeung harta-harta aranjeun. Sabenerna éta (pagawéan nukerkeun jeung ngadahar) téh dosa anu pohara gedéna.

وَاِنْ خِفْتُمْ اَلَّا تُقْسِطُوْا فِى الْيَتٰمٰى فَانْكِحُوْا مَا طَابَ لَكُمْ مِّنَ النِّسَاۤءِ مَثْنٰى وَثُلٰثَ وَرُبٰعَ ۚ فَاِنْ خِفْتُمْ اَلَّا تَعْدِلُوْا فَوَاحِدَةً اَوْ مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ ۗ ذٰلِكَ اَدْنٰٓى اَلَّا تَعُوْلُوْاۗ٣
Wa in khiftum allā tuqsiṭū fil-yatāmā fankiḥū mā ṭāba lakum minan-nisā'i maṡnā wa ṡulāṡa wa rubā‘(a), fa in khiftum allā ta‘dilū fa wāḥidatan au mā malakat aimānukum, żālika adnā allā ta‘ūlū.
[3] Lamun seug aranjeun sieun moal sanggup migawé adil dina urusan (hak-hak) awéwé yatim (lamun aranjeun kawin ka maranéhna), atuh prak kawin baé ka awéwé (séjén) anu dipakaresep ku aranjeun, rék dua, rék tilu, atawa rék opat. Tapi lamun aranjeun sieun moal sanggup migawé adil 177 (waktu nyandung), nya atuh (kawin ka) saurang baé, 178 atawa (cukup ku) abid awéwé anu dipimilik ku aranjeun. 179 Éta téh leuwih deukeut kana moalna aranjeun milampah kadoliman.
177) Adil di dieu maksudna adil dina nyumponan kaperluan istri saperti baju, tempat, giliran, sarta anu lianna anu sipatna lahiriah jeung batiniah. 178) Islam ngameunangkeun ngawayuh kalayan sarat-sarat nu geus ditangtukeun. Saméméh turun ieu ayat, tradisi ngawayuh geus aya tur kungsi dijalankeun ku para nabi sateuacan Nabi Muhammad Saw. Ieu ayat ngabatesan ngawayuh nung dugi ka opat jalmi baé. 179) Hamba sahaya tur perbudakan dina harti ieu, dina wanci ayeuna mah tos teu aya.

وَاٰتُوا النِّسَاۤءَ صَدُقٰتِهِنَّ نِحْلَةً ۗ فَاِنْ طِبْنَ لَكُمْ عَنْ شَيْءٍ مِّنْهُ نَفْسًا فَكُلُوْهُ هَنِيْۤـًٔا مَّرِيْۤـًٔا٤
Wa ātun-nisā'a ṣaduqātihinna niḥlah(tan), fa in ṭibna lakum ‘an syai'im minhu nafsan fa kulūhu hanī'am marī'ā(n).
[4] Pasrahkeun maskawin ka istri-istri (nu dikawin ku aranjeun) minangka paparin anu pinuh karélaan. 180 Tapi lamun seug maranéhna (istri-istri téa) masrahkeun sabagian tina éta (maskawin) kalayan karidoan haténa, atuh pék baé dahar (tarima) éta paméré (minangka dahareun) anu ngeunah tur alus akibatna.
180) Paméréan anu dimaksud nyaéta maskawin anu gedé leutikna ditetepkeun kalayan kasaluyuan kadua pihak, sabab éta paméré téh kudu dipasrahkeun kalayan ihlas.

وَلَا تُؤْتُوا السُّفَهَاۤءَ اَمْوَالَكُمُ الَّتِيْ جَعَلَ اللّٰهُ لَكُمْ قِيٰمًا وَّارْزُقُوْهُمْ فِيْهَا وَاكْسُوْهُمْ وَقُوْلُوْا لَهُمْ قَوْلًا مَّعْرُوْفًا٥
Wa lā tu'tus-sufahā'a amwālakumul-latī ja‘alallāhu lakum qiyāmaw warzuqūhum fīhā waksūhum wa qūlū lahum qaulam ma‘rūfā(n).
[5] Omat aranjeun ulah rék masrahkeun ka jalma-jalma nu can sampurna akalna 181 harta (maranéhna nu aya dina kakawasaan) aranjeun anu dijadikeun ku Allah poko kahirupan aranjeun. Aranjeun kudu méré balanja jeung pakéan ka maranéhna (tina hasil olahan éta harta), sarta ucapkeun ka maranéhna caritaan anu hadé.
181) Jalma anu can sampurna akalna nyaéta budak yatim anu can balég (sawawa) atawa jalma sawawa anu teu bisaeun ngatur harta bendana.

وَابْتَلُوا الْيَتٰمٰى حَتّٰىٓ اِذَا بَلَغُوا النِّكَاحَۚ فَاِنْ اٰنَسْتُمْ مِّنْهُمْ رُشْدًا فَادْفَعُوْٓا اِلَيْهِمْ اَمْوَالَهُمْ ۚ وَلَا تَأْكُلُوْهَآ اِسْرَافًا وَّبِدَارًا اَنْ يَّكْبَرُوْا ۗ وَمَنْ كَانَ غَنِيًّا فَلْيَسْتَعْفِفْ ۚ وَمَنْ كَانَ فَقِيْرًا فَلْيَأْكُلْ بِالْمَعْرُوْفِ ۗ فَاِذَا دَفَعْتُمْ اِلَيْهِمْ اَمْوَالَهُمْ فَاَشْهِدُوْا عَلَيْهِمْ ۗ وَكَفٰى بِاللّٰهِ حَسِيْبًا٦
Wabtalul-yatāmā ḥattā iżā balagun-nikāḥ(a), fa in ānastum minhum rusydan fadfa‘ū ilaihim amwālahum, wa lā ta'kulūhā isrāfaw wa bidāran ay yakbarū, wa man kāna ganiyyan falyasta‘fif, wa man kāna faqīran falya'kul bil-ma‘rūf(i), fa iżā dafa‘tum ilaihim amwālahum fa asyhidū ‘alaihim, wa kafā billāhi ḥasībā(n).
[6] Pék uji 182 éta barudak yatim nepi ka waktuna cukup umur pikeun kawin (balég). Lamun cék aranjeun maranéhna geus pinter (bisa ngurus harta), sok baé geura pasrahkeun ku aranjeun harta-hartana. Omat aranjeun ulah ngadahar harta budak yatim kalawan dihambur-hambur jeung ulah buru-buru (masrahkeun hartana) saméméh maranéhna déwasa. Saha baé (wali) anu cukup, atuh manéhna kudu nahan diri (tina ngadahar harta barudak yatim). Tapi saha baé (wali) anu miskin, atuh teu nanaon manéhna ngadahar ku cara anu hadé. Tuluy, lamun aranjeun masrahkeun éta harta ka maranéhna, atuh kudu ngahadirkeun para saksi (pikeun nyasian). Cekap Allah anu ngawas(na).
182) Ngayakeun panaluntikan ka maranéhna ngeunaan kaagamaan, lampah, sarta lian-lianna nepi ka dipikanyaho yén éta budak téh bisa dipercaya.

لِلرِّجَالِ نَصِيْبٌ مِّمَّا تَرَكَ الْوَالِدٰنِ وَالْاَقْرَبُوْنَۖ وَلِلنِّسَاۤءِ نَصِيْبٌ مِّمَّا تَرَكَ الْوَالِدٰنِ وَالْاَقْرَبُوْنَ مِمَّا قَلَّ مِنْهُ اَوْ كَثُرَ ۗ نَصِيْبًا مَّفْرُوْضًا٧
Lir-rijāli naṣībum mimmā tarakal-wālidāni wal-aqrabūn(a), wa lin-nisā'i naṣībum mimmā tarakal-wālidāni wal-aqrabūna mimmā qalla minhu au kaṡur(a), naṣībam mafrūḍā(n).
[7] Pikeun lalaki aya hak bagian tina harta titinggal indung-bapana jeung dulur deuheusna. Nya kitu deui pikeun awéwé ogé aya hak bagian tina harta titinggal indung-bapana jeung dulur deuheusna, boh tina titinggal anu saeutik boh anu loba, nurutkeun bagian-bagian anu geus ditetepkeun.

وَاِذَا حَضَرَ الْقِسْمَةَ اُولُوا الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنُ فَارْزُقُوْهُمْ مِّنْهُ وَقُوْلُوْا لَهُمْ قَوْلًا مَّعْرُوْفًا٨
Wa iżā ḥaḍaral-qismata ulul-qurbā wal-yatāmā wal-masākīnu farzuqūhum minhu wa qūlū lahum qaulam ma‘rūfā(n).
[8] Upama dina waktu bagi waris hadir sababaraha dulur deuheus, 183 barudak yatim, jeung anu mariskin, atuh béré maranéhna tina éta harta (sakadarna) 184 tur ucapkeun ka maranéhna caritaan anu hadé.
183) Kulawarga anu teu boga hak waris tina harta pusaka/waris. 184) Paméréan anu teu meunang ngaleuwihan tina sapertilu harta pusaka/waris.

وَلْيَخْشَ الَّذِيْنَ لَوْ تَرَكُوْا مِنْ خَلْفِهِمْ ذُرِّيَّةً ضِعٰفًا خَافُوْا عَلَيْهِمْۖ فَلْيَتَّقُوا اللّٰهَ وَلْيَقُوْلُوْا قَوْلًا سَدِيْدًا٩
Walyakhsyal-lażīna lau tarakū min khalfihim żurriyyatan ḍi‘āfan khāfū ‘alaihim, falyattaqullāha walyaqūlū qaulan sadīdā(n).
[9] Jalma-jalma kudu sieun (ka Allah) lamun sanggeusna (maot) ninggalkeun turunan lemah, anu aranjeunna (sorangan) mémang mikarisi kana (karaharjaan) maranéhna. Ku sabab kitu, atuh aranjeun kudu takwa ka Allah sarta kudu nyarita kalayan caritaan anu bener.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَأْكُلُوْنَ اَمْوَالَ الْيَتٰمٰى ظُلْمًا اِنَّمَا يَأْكُلُوْنَ فِيْ بُطُوْنِهِمْ نَارًا ۗ وَسَيَصْلَوْنَ سَعِيْرًا ࣖ١٠
Innal-lażīna ya'kulūna amwālal-yatāmā ẓulman innamā ya'kulūna fī buṭūnihim nārā(n), wa sayaṣlauna sa‘īrā(n).
[10] Sabenerna jalma-jalma anu ngadahar harta budak yatim ku cara aniaya, maranѐhna téh bener-bener minuhan seuneu dina jero beuteungna jeung bakal asup kana api (naraka) anu ngaléntab-léntab.

يُوْصِيْكُمُ اللّٰهُ فِيْٓ اَوْلَادِكُمْ لِلذَّكَرِ مِثْلُ حَظِّ الْاُنْثَيَيْنِ ۚ فَاِنْ كُنَّ نِسَاۤءً فَوْقَ اثْنَتَيْنِ فَلَهُنَّ ثُلُثَا مَا تَرَكَ ۚ وَاِنْ كَانَتْ وَاحِدَةً فَلَهَا النِّصْفُ ۗ وَلِاَبَوَيْهِ لِكُلِّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا السُّدُسُ مِمَّا تَرَكَ اِنْ كَانَ لَهٗ وَلَدٌ ۚ فَاِنْ لَّمْ يَكُنْ لَّهٗ وَلَدٌ وَّوَرِثَهٗٓ اَبَوٰهُ فَلِاُمِّهِ الثُّلُثُ ۚ فَاِنْ كَانَ لَهٗٓ اِخْوَةٌ فَلِاُمِّهِ السُّدُسُ مِنْۢ بَعْدِ وَصِيَّةٍ يُّوْصِيْ بِهَآ اَوْ دَيْنٍ ۗ اٰبَاۤؤُكُمْ وَاَبْنَاۤؤُكُمْۚ لَا تَدْرُوْنَ اَيُّهُمْ اَقْرَبُ لَكُمْ نَفْعًا ۗ فَرِيْضَةً مِّنَ اللّٰهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيْمًا حَكِيْمًا١١
Yūṣīkumullāhu fī aulādikum liż-żakari miṡlu ḥaẓẓil-unṡayain(i), fa in kunna nisā'an fauqaṡnataini fa lahunna ṡuluṡā mā tarak(a), wa in kānat wāḥidatan fa lahan-niṣf(u), wa li abawaihi likulli wāḥidim minhumas-sudusu mimmā taraka in kāna lahū walad(un), fa illam yakul lahū waladuw wa wariṡahū abawāhu fa li'ummihiṡ-ṡuluṡ(u), fa in kāna lahū ikhwatun fa li'ummihis-sudusu mim ba‘di waṣiyyatiy yūṣī bihā au dain(in), ābā'ukum wa abnā'ukum, lā tadrūna ayyuhum aqrabu lakum naf‘ā(n), farīḍatam minallāh(i), innallāha kāna ‘alīman ḥakīmā(n).
[11] Allah nyaréatkeun (ngawajibkeun) ka aranjeun ngeunaan (ngabagikeun warisan pikeun) anak-anak aranjeun, (nyaéta) bagian anak lalaki saurang sarua jeung bagian anak awѐwѐ dua urang. 185 Lamun anak-anakna kabѐh awѐwѐ anu jumlahna leuwih ti dua, nya bagian maranѐhna téh dua-pertilu tina harta (warisan) nu ditinggalkeun (ku mayit). Lamun anak awѐwѐna ngan saurang, nya bagian manéhna téh satengah (tina harta anu ditinggalkeun). Pikeun indung-bapa masing-masing kabagian sapergenep tina titinggal mayit lamun manéhna (mayit) boga anak. Lamun mayit teu ninggalkeun anak jeung ahli warisna ngan indung-bapana (wungkul), nya pikeun indungna sapertiluna (sedengkeun sésana keur bapana). Lamun mayit ninggalkeun dulur sababaraha urang, nya indungna meunang sapergenep. (Ngabagikeun warisan saperti ieu téh) sanggeus (ngalaksanakeun) wasiat anu dijieun atawa sabada (mayaran) hutangna. (Ngeunaan) indung-bapa jeung anak-anak aranjeun, aranjeun moal terang saha ti antara maranéhna anu leuwih loba mangpa'atna pikeun aranjeun. Ieu té(...)
185) Bagian salaki dua kali bagian awéwé, sabab kawajiban salaki leuwih beurat tinimbang awéwé, saperti kawajiban mayar maskawin sarta méré napakah (tingal al-Nisā'/4:34).

۞ وَلَكُمْ نِصْفُ مَا تَرَكَ اَزْوَاجُكُمْ اِنْ لَّمْ يَكُنْ لَّهُنَّ وَلَدٌ ۚ فَاِنْ كَانَ لَهُنَّ وَلَدٌ فَلَكُمُ الرُّبُعُ مِمَّا تَرَكْنَ مِنْۢ بَعْدِ وَصِيَّةٍ يُّوْصِيْنَ بِهَآ اَوْ دَيْنٍ ۗ وَلَهُنَّ الرُّبُعُ مِمَّا تَرَكْتُمْ اِنْ لَّمْ يَكُنْ لَّكُمْ وَلَدٌ ۚ فَاِنْ كَانَ لَكُمْ وَلَدٌ فَلَهُنَّ الثُّمُنُ مِمَّا تَرَكْتُمْ مِّنْۢ بَعْدِ وَصِيَّةٍ تُوْصُوْنَ بِهَآ اَوْ دَيْنٍ ۗ وَاِنْ كَانَ رَجُلٌ يُّوْرَثُ كَلٰلَةً اَوِ امْرَاَةٌ وَّلَهٗٓ اَخٌ اَوْ اُخْتٌ فَلِكُلِّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا السُّدُسُۚ فَاِنْ كَانُوْٓا اَكْثَرَ مِنْ ذٰلِكَ فَهُمْ شُرَكَاۤءُ فِى الثُّلُثِ مِنْۢ بَعْدِ وَصِيَّةٍ يُّوْصٰى بِهَآ اَوْ دَيْنٍۙ غَيْرَ مُضَاۤرٍّ ۚ وَصِيَّةً مِّنَ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَلِيْمٌۗ١٢
Wa lakum niṣfu mā taraka azwājukum illam yakul lahunna walad(un), fa in kāna lahunna waladun fa lakumur-rubu‘u mimmā tarakna mim ba‘di waṣiyyatiy yūṣīna bihā au dain(in), wa lahunnar-rubu‘u mimmā taraktum illam yakul lakum walad(un), fa in kāna lakum waladun fa lahunnaṡ-ṡumunu mimmā taraktum mim ba‘di waṣiyyatiy tūṣūna bihā au dain(in), wa in kāna rajuluy yūraṡu kalālatan awimra'atuw wa lahū akhun au ukhtun fa likulli wāḥidatim minhumas-sudus(u), fa in kānū akṡara min żālika fa hum syurakā'u fiṡ-ṡuluṡi mim ba‘di waṣiyyatiy yūṣā bihā au dain(in), gaira muḍārr(in), waṣiyyatam minallāh(i), wallāhu ‘alīmun ḥalīm(un).
[12] Pikeun aranjeun (salaki) satengah tina harta anu ditinggalkeun ku istri-istri aranjeun, lamun maranѐhna teu boga anak. (Tapi) lamun maranѐhna boga anak mah, nya aranjeun meunang saparapatna tina harta titinggalna sanggeus (nyumponan) wasiatna anu dijieun atawa sanggeus (ngalunasan) hutangna. Istri-istri (aranjeun) meunang saparapat harta anu ditinggalkeun ku aranjeun lamun aranjeun teu boga anak. (Tapi) lamun aranjeun boga anak mah, éta istri (ngan) meunang saperdalapan tina harta titinggal sanggeus (nyumponan) wasiat aranjeun anu dijieun atawa sanggeus (ngalunasan) hutang aranjeun. Lamun aya hiji jalma maot, boh lalaki boh awѐwѐ, anu henteu ninggalkeun bapa atawa anak sama sakali, tapi ngan boga dulur lalaki saurang (anu saindung) atawa dulur awѐwѐ saurang (anu saindung), nya pikeun masing-masing dulurna téh sapergenep (tina titinggalan). Tapi lamun dulur-dulur anu saindung téh leuwih ti saurang, nya maranѐhna babarengan dina sapertilu warisan tina harta titinggalna sanggeus (nyumponan) wasiatna anu dijieun (...)
186) Nyusahkeun ka ahli waris maksudna ku tindakan-tindakan saperti : (a). ngawasiatkeun ngaleuwihan tina sapertilu harta warisan. (b). ngawasiat kalayan maksud ngurangan harta warisan. Sanajan kurang tina sapertilu, lamun aya niat ngurangan hak waris mah tetep teu meunang.

تِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ ۗ وَمَنْ يُّطِعِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ يُدْخِلْهُ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۗ وَذٰلِكَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ١٣
Tilka ḥudūdullāh(i), wa may yuṭi‘illāha wa rasūlahū yudkhilhu jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, wa żālikal-fauzul-‘aẓīm(u).
[13] Éta (hukum-hukum anu kasebut) téh patokan-patokan ti Allah. Saha baé anu ta'at ka Allah jeung Rasul-Na, Mantenna bakal ngasupkeun manéhna ka jero sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan. Maranѐhna langgeng di dinyana. Tah éta téh kaunggulan anu kacida agungna.

وَمَنْ يَّعْصِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَيَتَعَدَّ حُدُوْدَهٗ يُدْخِلْهُ نَارًا خَالِدًا فِيْهَاۖ وَلَهٗ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ ࣖ١٤
Wa may ya‘ṣillāha wa rasūlahū wa yata‘adda ḥudūdahū yudkhilhu nāran khālidan fīhā, wa lahū ‘ażābum muhīn(un).
[14] (Tapi) saha baé anu doraka ka Allah jeung rasul-Na tur ngarempak patokan-patokan hukum-Na, tangtu Mantenna bakal ngasupkeun manéhna ka jero api naraka bari langgeng di dinyana jeung meunang siksaan anu kacida ngahinakeun.

وَالّٰتِيْ يَأْتِيْنَ الْفَاحِشَةَ مِنْ نِّسَاۤىِٕكُمْ فَاسْتَشْهِدُوْا عَلَيْهِنَّ اَرْبَعَةً مِّنْكُمْ ۚ فَاِنْ شَهِدُوْا فَاَمْسِكُوْهُنَّ فِى الْبُيُوْتِ حَتّٰى يَتَوَفّٰىهُنَّ الْمَوْتُ اَوْ يَجْعَلَ اللّٰهُ لَهُنَّ سَبِيْلًا١٥
Wal-lātī ya'tīnal-fāḥisyata min nisā'ikum fastasyhidū ‘alaihinna arba‘atam minkum, fa in syahidū fa amsikūhunna fil-buyūti ḥattā yatawaffāhunnal-mautu au yaj‘alallāhu lahunna sabīlā(n).
[15] (Lamun aya) awѐwѐ ti antara aranjeun ngalakukeun jinah, 187 pék datangkeun opat jalma ti antara aranjeun (anu nyaksian kana éta kalakuan). Lamun maranѐhna geus méré kasaksian, prak kerem (éta awѐwѐ) di jero imah nepi ka panggih jeung ajalna, atawa nepi ka Allah maparin jalan (anu sѐjѐn) keur manéhna. 188
187) Nurutkeun kalolobaan ahli tapsir, anu dimaksud téh nyaéta jinah, sedengkeun nurutkeun pamadegan anu sѐjѐnna nyaѐta sakur pagawѐan mesum saperti jinah, homosѐks, sarta anu sarupana. Nurutkeun pamadegan Muslim jeung Mujahid nyaѐta musaḥāqah (lѐsbian). 188) Nurutkeun kalolobaan ahli tapsir, jalan anu sѐjѐn téh maksudnya ku turunna al-Nūr/24:2 ngeunaan hukum dera.

وَالَّذٰنِ يَأْتِيٰنِهَا مِنْكُمْ فَاٰذُوْهُمَا ۚ فَاِنْ تَابَا وَاَصْلَحَا فَاَعْرِضُوْا عَنْهُمَا ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ تَوَّابًا رَّحِيْمًا١٦
Wal-lażāni ya'tiyānihā minkum fa āżūhumā, fa in tābā wa aṣlaḥā fa a‘riḍū ‘anhumā, innallāha kāna tawwābar raḥīmā(n).
[16] (Lamun aya) dua jalma ti antara aranjeun milampah jinah, prak geura béré hukuman (anu pikanyerieun) pikeun duanana. Lamun duanana tobat jeung ngomѐan dirina, atuh antep baé (teu kudu dibéré hukuman). Saleresna Allah Maha Nampi-tobat (tur) Mahaasih.

اِنَّمَا التَّوْبَةُ عَلَى اللّٰهِ لِلَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ السُّوْۤءَ بِجَهَالَةٍ ثُمَّ يَتُوْبُوْنَ مِنْ قَرِيْبٍ فَاُولٰۤىِٕكَ يَتُوْبُ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ ۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًا١٧
Innamat-taubatu ‘alallāhi lil-lażīna ya‘malūnas-sū'a bijahālatin ṡumma yatūbūna min qarībin fa ulā'ika yatūbullāhu ‘alaihim, wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[17] Sabenerna tobat ka Allah tѐh ngan (pantes) pikeun ka jalma-jalma anu migawé kagoréngan ku sabab kabodoan, tuluy buru-buru tobat. Tah nya tobat maranѐhna anu ditarima ku Allah mah. Allah téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَلَيْسَتِ التَّوْبَةُ لِلَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ السَّيِّاٰتِۚ حَتّٰىٓ اِذَا حَضَرَ اَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ اِنِّيْ تُبْتُ الْـٰٔنَ وَلَا الَّذِيْنَ يَمُوْتُوْنَ وَهُمْ كُفَّارٌ ۗ اُولٰۤىِٕكَ اَعْتَدْنَا لَهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا١٨
Wa laisatit-taubatu lil-lażīna ya‘malūnas-sayyi'āt(i), ḥattā iżā ḥaḍara aḥadahumul-mautu qāla innī tubtul-āna wa lal-lażīna yamūtūna wa hum kuffār(un), ulā'ika a‘tadnā lahum ‘ażāban alīmā(n).
[18] Tobat téh henteu (ditarima ku Allah) ti jalma-jalma anu milampah kagoréngan nepi ka lamun ajalna geus datang ka salah saurang ti antara maranѐhna, (kakara) manéhna ngomong kieu, “Abdi téh leres-leres tobat ayeuna.” Nya kitu deui (teu ditarima tobat) ti jalma-jalma anu maotna aya dina kakapiran. Nya pikeun maranѐhna Kami geus nyadiakeun siksaan anu kacida nyerina.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا يَحِلُّ لَكُمْ اَنْ تَرِثُوا النِّسَاۤءَ كَرْهًا ۗ وَلَا تَعْضُلُوْهُنَّ لِتَذْهَبُوْا بِبَعْضِ مَآ اٰتَيْتُمُوْهُنَّ اِلَّآ اَنْ يَّأْتِيْنَ بِفَاحِشَةٍ مُّبَيِّنَةٍ ۚ وَعَاشِرُوْهُنَّ بِالْمَعْرُوْفِ ۚ فَاِنْ كَرِهْتُمُوْهُنَّ فَعَسٰٓى اَنْ تَكْرَهُوْا شَيْـًٔا وَّيَجْعَلَ اللّٰهُ فِيْهِ خَيْرًا كَثِيْرًا١٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā yaḥillu lakum an tariṡun-nisā'a karhā(n), wa lā ta‘ḍulūhunna litażhabū biba‘ḍi mā ātaitumūhunna illā ay ya'tīna bifāḥisyatim mubayyinah(tin), wa ‘āsyirūhunna bil-ma‘rūf(i), fa in karihtumūhunna fa ‘asā an takrahū syai'aw wa yaj‘alallāhu fīhi khairan kaṡīrā(n).
[19] Hé jalma-jalma anu iman, henteu halal pikeun aranjeun ngawaris awéwé ku jalan paksa, 189 jeung omat aranjeun ulah nyusahkeun maranѐhna sabab rѐk nyokot deui sabagian naon (maskawin) anu geus dibikeun ku aranjeun ka maranѐhna, kajaba lamun maranѐhna milampah pagawѐan kotor anu nyata. Pѐk campur gaul jeung maranѐhna kalawan cara anu patut. Lamun aranjeun henteu mikaresep ka maranѐhna (atuh sing sabar), sabab bisa jadi aranjeun mikangѐwa kana hiji perkara, padahal Allah ngajadikeun kahadéan nu loba di dinya.
189) Ieu ayat teu ngandung harti yѐn ngawariskeun awѐwѐ henteu kalayan jalan paksa dimeunangkun. Nurutkeun sabagian adat Arab Jahiliah, lamun hiji jalma maot, mangka anakna anu pangkolotna atawa anggota kulawargana anu sѐjѐn ngawaris ѐta rangda. Ѐta rangda meunang dikawin ku anakna atawa dikawinkeun ka batur anu maskawinna dicokot ku nu ngawaris, atawa dicegah kawin deui.

وَاِنْ اَرَدْتُّمُ اسْتِبْدَالَ زَوْجٍ مَّكَانَ زَوْجٍۙ وَّاٰتَيْتُمْ اِحْدٰىهُنَّ قِنْطَارًا فَلَا تَأْخُذُوْا مِنْهُ شَيْـًٔا ۗ اَتَأْخُذُوْنَهٗ بُهْتَانًا وَّاِثْمًا مُّبِيْنًا٢٠
Wa in arattumustibdāla zaujim makāna zauj(in), wa ātaitum iḥdāhunna qinṭāran falā ta'khużū minhu syai'ā(n), ata'khużūnahū buhtānaw wa iṡmam mubīnā(n).
[20] Lamun anjeun boga kahayang ngaganti istri ku awѐwѐ nu sѐjѐn, sedengkeun anjeun geus méré ka manѐhna harta banda nu loba (keur maskawinna), nya omat ulah nyokot deui saeutik ogé tina éta harta. Naha anjeun rѐk nyokot deui éta harta ku jalan tuduhan nu bohong bari (nanggung) dosa anu nyata?

وَكَيْفَ تَأْخُذُوْنَهٗ وَقَدْ اَفْضٰى بَعْضُكُمْ اِلٰى بَعْضٍ وَّاَخَذْنَ مِنْكُمْ مِّيْثَاقًا غَلِيْظًا٢١
Wa kaifa ta'khużūnahū wa qad afḍā ba‘ḍukum ilā ba‘ḍiw wa akhażna minkum mīṡāqan galīẓā(n).
[21] Kumaha anjeun rѐk nyokot deui ѐta harta padahal anjeun geus campur jeung manѐhna. Manѐhna (istri anjeun) téh apan geus nyokot perjangjian anu kuat (tali pernikahan) ti anjeun.

وَلَا تَنْكِحُوْا مَا نَكَحَ اٰبَاۤؤُكُمْ مِّنَ النِّسَاۤءِ اِلَّا مَا قَدْ سَلَفَ ۗ اِنَّهٗ كَانَ فَاحِشَةً وَّمَقْتًاۗ وَسَاۤءَ سَبِيْلًا ࣖ٢٢
Wa lā tankiḥū mā nakaḥa ābā'ukum minan-nisā'i illā mā qad salaf(a), innahū kāna fāḥisyataw wa maqtā(n), wa sā'a sabīlā(n).
[22] Omat ulah ngawin awѐwѐ anu kungsi dikawin ku bapa aranjeun, kajaba (kajadian dina mangsa anu) ka tukang-tukang. Sabenerna ѐta tѐh pagawѐan anu gorѐng tur anu dibenduan (ku Allah) sarta panggorѐng-gorѐngna jalan (anu dipilampah).

حُرِّمَتْ عَلَيْكُمْ اُمَّهٰتُكُمْ وَبَنٰتُكُمْ وَاَخَوٰتُكُمْ وَعَمّٰتُكُمْ وَخٰلٰتُكُمْ وَبَنٰتُ الْاَخِ وَبَنٰتُ الْاُخْتِ وَاُمَّهٰتُكُمُ الّٰتِيْٓ اَرْضَعْنَكُمْ وَاَخَوٰتُكُمْ مِّنَ الرَّضَاعَةِ وَاُمَّهٰتُ نِسَاۤىِٕكُمْ وَرَبَاۤىِٕبُكُمُ الّٰتِيْ فِيْ حُجُوْرِكُمْ مِّنْ نِّسَاۤىِٕكُمُ الّٰتِيْ دَخَلْتُمْ بِهِنَّۖ فَاِنْ لَّمْ تَكُوْنُوْا دَخَلْتُمْ بِهِنَّ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ ۖ وَحَلَاۤىِٕلُ اَبْنَاۤىِٕكُمُ الَّذِيْنَ مِنْ اَصْلَابِكُمْۙ وَاَنْ تَجْمَعُوْا بَيْنَ الْاُخْتَيْنِ اِلَّا مَا قَدْ سَلَفَ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا ۔٢٣
Ḥurrimat ‘alaikum ummahātukum wa banātukum wa akhawātukum wa ‘ammātukum wa khālātukum wa banātul-akhi wa banātul-ukhti wa ummahātukumul-lātī arḍa‘nakum wa akhawātukum minar-raḍā‘ati wa ummahātu nisā'ikum wa rabā'ibukumul-lātī fī ḥujūrikum min nisā'ikumul-lātī dakhaltum bihinn(a), fa illam takūnū dakhaltum bihinna falā junāḥa ‘alaikum, wa ḥalā'ilu abnā'ikumul-lażīna min aṣlābikum, wa an tajma‘ū bainal-ukhtaini illā mā qad salaf(a), innallāha kāna gafūrar raḥīmā(n).
[23] Diharamkeun pikeun aranjeun (ngawin) indung aranjeun, anak awѐwѐ aranjeun, dulur awѐwѐ aranjeun, dulur awѐwѐ bapa aranjeun (bibi aranjeun), dulur awѐwѐ indung aranjeun (bibi aranjeun), anak awѐwѐ ti dulur lalaki aranjeun, anak awѐwѐ ti dulur awѐwѐ aranjeun, indung aranjeun anu kungsi nyusuan aranjeun, dulur awѐwѐ aranjeun anu sasusu, indung istri aranjeun (mitoha awѐwѐ), anak tѐrѐ awѐwѐ anu aya dina asuhan aranjeun 190 ti istri-istri anu kungsi campur, tapi lamun acan kungsi campur mah jeung maranѐhna (jeung geus dipasrahkeun ku aranjeun) henteu jadi dosa pikeun aranjeun ngawin ѐta anak tѐrѐ, (jeung diharamkeun pikeun aranjeun ngawin) istri anak kandung aranjeun (minantu awѐwѐ) jeung ngumpulkeun (ngawayuh) dua awѐwѐ anu adi lanceuk, anging anu geus kajadian ka tukang-tukang. Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
190) Maksud indung dina mimiti ieu ayat nyaéta indung, nini, tur saterusna ka luhur; Anu dimaksud anak-anak awѐwѐ nyaѐta anak awѐwѐ, incu awѐwѐ, tur saterusna ka handap, kitu ogѐ anu lian-lianna; Anu dimaksud “anak-anak pamajikan anjeun anu aya dina pangasuhan aranjeun” nurutkeun kalolobaan ulama kaasup ogѐ budak kawalon anu henteu aya dina pangasuhan aranjeun.

۞ وَالْمُحْصَنٰتُ مِنَ النِّسَاۤءِ اِلَّا مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ ۚ كِتٰبَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ ۚ وَاُحِلَّ لَكُمْ مَّا وَرَاۤءَ ذٰلِكُمْ اَنْ تَبْتَغُوْا بِاَمْوَالِكُمْ مُّحْصِنِيْنَ غَيْرَ مُسٰفِحِيْنَ ۗ فَمَا اسْتَمْتَعْتُمْ بِهٖ مِنْهُنَّ فَاٰتُوْهُنَّ اُجُوْرَهُنَّ فَرِيْضَةً ۗوَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ فِيْمَا تَرَاضَيْتُمْ بِهٖ مِنْۢ بَعْدِ الْفَرِيْضَةِۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيْمًا حَكِيْمًا٢٤
Wal-muḥṣanātu minan-nisā'i illā mā malakat aimānukum, kitāballāhi ‘alaikum, wa uḥilla lakum mā warā'a żālikum an tabtagū bi'amwālikum muḥṣinīna gaira musāfiḥīn(a), famastamta‘tum bihī minhunna fa ātūhunna ujūrahunna farīḍah(tan), wa lā junāḥa ‘alaikum fīmā tarāḍaitum bihī mim ba‘dil-farīḍah(ti), innallāha kāna ‘alīman ḥakīmā(n).
[24] (Diharamkeun ogé pikeun aranjeun ngawin) awéwé anu boga salaki, kajaba abid anu dipimilik ku aranjeun (ngaliwatan perang nanjeurkeun agama). 191 (Ieu téh) katangtuan Allah pikeun aranjeun. Dihalalkeun pikeun aranjeun salian (awéwé) nu kitu, 192 (supaya aranjeun) néangan (istri) ku harta banda aranjeun kalayan maksud pikeun ngajaga kasucian (kawin), lain pikeun ngajak jinah. Mangka, istri-istri anu ti antara maranéhna kungsi dialap suka (campur) ku aranjeun, pék pasrahkeun ka maranéhna imbalanana (maskawinna) minangka hiji kawajiban. Henteu jadi dosa pikeun aranjeun ngeunaan perkara anu aranjeun (sorangan) geus silih pikarido, 193 sanggeus éta maskawin ditetepkeun. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
191) Awéwé-awéwé tawanan perang anu dipibanda bari salakina teu bareng jadi tawanan perang. Penjelasan saterusna tingali dina Q.S. al-Nisā’/4:3. 192) Salian ti awéwé anu dijelaskeun dina al-Nisā'/4:23. 193) Upamana nambah jumlah maskawin, atawa ngurangan jumlahna, atawa teu dibayar sama sakali.

وَمَنْ لَّمْ يَسْتَطِعْ مِنْكُمْ طَوْلًا اَنْ يَّنْكِحَ الْمُحْصَنٰتِ الْمُؤْمِنٰتِ فَمِنْ مَّا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ مِّنْ فَتَيٰتِكُمُ الْمُؤْمِنٰتِۗ وَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِاِيْمَانِكُمْ ۗ بَعْضُكُمْ مِّنْۢ بَعْضٍۚ فَانْكِحُوْهُنَّ بِاِذْنِ اَهْلِهِنَّ وَاٰتُوْهُنَّ اُجُوْرَهُنَّ بِالْمَعْرُوْفِ مُحْصَنٰتٍ غَيْرَ مُسٰفِحٰتٍ وَّلَا مُتَّخِذٰتِ اَخْدَانٍ ۚ فَاِذَآ اُحْصِنَّ فَاِنْ اَتَيْنَ بِفَاحِشَةٍ فَعَلَيْهِنَّ نِصْفُ مَا عَلَى الْمُحْصَنٰتِ مِنَ الْعَذَابِۗ ذٰلِكَ لِمَنْ خَشِيَ الْعَنَتَ مِنْكُمْ ۗ وَاَنْ تَصْبِرُوْا خَيْرٌ لَّكُمْ ۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٢٥
Wa mal lam yastaṭi‘ minkum ṭaulan ay yankiḥal-muḥṣanātil-mu'mināti fa mim mā malakat aimānukum min fatayātikumul-mu'mināt(i), wallāhu a‘lamu bi'īmānikum, ba‘ḍukum mim ba‘ḍ(in), fankiḥūhunna bi'iżni ahlihinna wa ātūhunna ujūrahunna bil-ma‘rūfi muḥṣanātin gaira musāfiḥātiw wa lā muttakhiżāti akhdān(in), fa iżā uḥṣinna fa in ataina bifāḥisyatin fa ‘alaihinna niṣfu mā ‘alal-muḥṣanāti minal-‘ażāb(i), żālika limay khasyial-‘anata minkum, wa an taṣbirū khairul lakum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[25] Saha baé ti antara aranjeun anu teu boga biaya pikeun ngawin awéwé merdéka nu boga iman, mangka (dihalalkeun kawin ka awéwé) nu boga iman ti abid nu dipimilik ku aranjeun. Allah uningaeun kana iman aranjeun. Sabagian ti aranjeun mangrupakeun (bagian) ti sabagian tinu lainna (sarua turunan Adam-Hawa). Ku kituna, pék kawin ka maranéhna kalayan idin ti dununganana, jeung pasrahkeun maskawinna nurut (kana cara jeung ukuran) anu pantes, lantaran maranéhna téh awéwé nu miara diri, lain tukang jinah, sarta lain (ogé) awéwé anu nyokot lalaki séjén minangka gundikna. Lamun maranéhna geus ngawangun rumah tangga (boga salaki), tapi ngalakukeun pagawéan kotor (jinah), mangka (hukuman) pikeun maranéhna téh satengahna tina (hukuman) awéwé-awéwé merdéka (anu teu boga salaki). Éta (dimeunangkeunana kawin ka abid) téh pikeun jalma-jalma anu sieun kana héséna ngajaga diri (tina pagawéan jinah). Tapi lamun aranjeun sabar, éta leuwih alus pikeun aranjeun. Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

يُرِيْدُ اللّٰهُ لِيُبَيِّنَ لَكُمْ وَيَهْدِيَكُمْ سُنَنَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ وَيَتُوْبَ عَلَيْكُمْ ۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٢٦
Yurīdullāhu liyubayyina lakum wa yahdiyakum sunanal-lażīna min qablikum wa yatūba ‘alaikum, wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[26] Allah miharep ngajelaskeun (saréat-Na) ka aranjeun jeung nuduhkeun jalan-jalan (kahirupan) jalma anu saméméh aranjeun (para nabi jeung jalma-jalma soléh) sarta nampi tobat aranjeun. Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَاللّٰهُ يُرِيْدُ اَنْ يَّتُوْبَ عَلَيْكُمْ ۗ وَيُرِيْدُ الَّذِيْنَ يَتَّبِعُوْنَ الشَّهَوٰتِ اَنْ تَمِيْلُوْا مَيْلًا عَظِيْمًا٢٧
Wallāhu yurīdu ay yatūba ‘alaikum, wa yurīdul-lażīna yattabi‘ūnasy-syahawāti an tamīlū mailan ‘aẓīmā(n).
[27] Allah miharep nampi tobat aranjeun, sedengkeun jalma-jalma anu nuturkeun hawa napsuna mikahayang supaya aranjeun nyimpang sajauh-jauhna (tina bebeneran).

يُرِيْدُ اللّٰهُ اَنْ يُّخَفِّفَ عَنْكُمْ ۚ وَخُلِقَ الْاِنْسَانُ ضَعِيْفًا٢٨
Yurīdullāhu ay yukhaffifa ‘ankum, wa khuliqal-insānu ḍa‘īfā(n).
[28] Allah miharep maparin kaénténgan 194 ka aranjeun sabab jalma mah diciptakeun (boga sipat) lemah.
194) Dina sabagian syrati’at Islam, lalaki muslim meunang ngawin awéwé abid/amat upama geus dicumponan sarat-saratna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَأْكُلُوْٓا اَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُمْ بِالْبَاطِلِ اِلَّآ اَنْ تَكُوْنَ تِجَارَةً عَنْ تَرَاضٍ مِّنْكُمْ ۗ وَلَا تَقْتُلُوْٓا اَنْفُسَكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِكُمْ رَحِيْمًا٢٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā ta'kulū amwālakum bainakum bil-bāṭili illā an takūna tijāratan ‘an tarāḍim minkum, wa lā taqtulū anfusakum, innallāha kāna bikum raḥīmā(n).
[29] Hé jalma-jalma anu iman, omat aranjeun ulah silih ngadahar harta sasama aranjeun ku jalan anu batil (teu bener), kajaba ku jalan dagang anu (didasarkeun ku) silih pikarido di antara aranjeun. Omat ogé ulah maéhan diri aranjeun. Saleresna Allah mah Mahaasih ka aranjeun.

وَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ عُدْوَانًا وَّظُلْمًا فَسَوْفَ نُصْلِيْهِ نَارًا ۗوَكَانَ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرًا٣٠
Wa may yaf‘al żālika ‘udwānaw wa ẓulman fa saufa nuṣlīhi nārā(n), wa kāna żālika ‘alallāhi yasīrā(n).
[30] Saha baé anu migawé nu kitu ku cara ngarempak hukum jeung nyieun kadoliman, Kami bakal ngasupkeun manéhna ka jero naraka. Anu kitu téh gampil pisan kanggo Allah mah.

اِنْ تَجْتَنِبُوْا كَبَاۤىِٕرَ مَا تُنْهَوْنَ عَنْهُ نُكَفِّرْ عَنْكُمْ سَيِّاٰتِكُمْ وَنُدْخِلْكُمْ مُّدْخَلًا كَرِيْمًا٣١
In tajtanibū kabā'ira mā tunhauna ‘anhu nukaffir ‘ankum sayyi'ātikum wa nudkhilkum mudkhalan karīmā(n).
[31] Lamun aranjeun ngajauhan dosa-dosa gedé ti antara dosa-dosa anu dicegah migawéna, tangtu Kami bakal ngahapus kasalahan-kasalahan aranjeun jeung bakal ngasupkeun aranjeun ka tempat anu mulya (sawarga).

وَلَا تَتَمَنَّوْا مَا فَضَّلَ اللّٰهُ بِهٖ بَعْضَكُمْ عَلٰى بَعْضٍ ۗ لِلرِّجَالِ نَصِيْبٌ مِّمَّا اكْتَسَبُوْا ۗ وَلِلنِّسَاۤءِ نَصِيْبٌ مِّمَّا اكْتَسَبْنَ ۗوَسْـَٔلُوا اللّٰهَ مِنْ فَضْلِهٖ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمًا٣٢
Wa lā tatamannau mā faḍḍalallāhu bihī ba‘ḍakum ‘alā ba‘ḍ(in), lir-rijāli naṣībum mimmaktasabū, wa lin-nisā'i naṣībum mimmaktasabn(a), was'alullāha min faḍlih(ī), innallāha kāna bikulli syai'in ‘alīmā(n).
[32] Omat ulah hiri dengki kana pirang-pirang kurnia anu geus dipunjulkeun ku Allah ka sabagian lianna. (Sabab) pikeun lalaki bakal meunang bagian tina anu diupayakeun ku manéhna, kitu deui pikeun awéwé bakal meunang bagian tina anu diupayakeun ku manéhna. Atuh prak ménta ka Allah sawaréh tina kurnia-Na. Saleresna Allah mah Mahauninga kana sagala perkara.

وَلِكُلٍّ جَعَلْنَا مَوَالِيَ مِمَّا تَرَكَ الْوَالِدٰنِ وَالْاَقْرَبُوْنَ ۗ وَالَّذِيْنَ عَقَدَتْ اَيْمَانُكُمْ فَاٰتُوْهُمْ نَصِيْبَهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدًا ࣖ٣٣
Wa likullin ja‘alnā mawāliya mimmā tarakal-wālidāni wal-aqrabūn(a), wal-lażīna ‘aqadat aimānukum fa ātūhum naṣībahum, innallāha kāna ‘alā kulli syai'in syahīdā(n).
[33] Pikeun masing-masing (lalaki jeung awéwé), Kami geus netepkeun jadi `aṣābah tina (sésa) harta anu ditinggalkeun ku indung-bapa jeung dulur-dulur. Jalma-jalma anu geus katalian jangji (bakal meunang bagian tina harta titinggalan) jeung aranjeun, atuh prak bikeun bagianana. Saleresna Allah mah Maha Nyakséni kana sagala perkara.

اَلرِّجَالُ قَوَّامُوْنَ عَلَى النِّسَاۤءِ بِمَا فَضَّلَ اللّٰهُ بَعْضَهُمْ عَلٰى بَعْضٍ وَّبِمَآ اَنْفَقُوْا مِنْ اَمْوَالِهِمْ ۗ فَالصّٰلِحٰتُ قٰنِتٰتٌ حٰفِظٰتٌ لِّلْغَيْبِ بِمَا حَفِظَ اللّٰهُ ۗوَالّٰتِيْ تَخَافُوْنَ نُشُوْزَهُنَّ فَعِظُوْهُنَّ وَاهْجُرُوْهُنَّ فِى الْمَضَاجِعِ وَاضْرِبُوْهُنَّ ۚ فَاِنْ اَطَعْنَكُمْ فَلَا تَبْغُوْا عَلَيْهِنَّ سَبِيْلًا ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيًّا كَبِيْرًا٣٤
Ar-rijālu qawwāmūna ‘alan-nisā'i bimā faḍḍalallāhu ba‘ḍahum ‘alā ba‘ḍiw wa bimā anfaqū min amwālihim, faṣ-ṣāliḥātu qānitātun ḥāfiẓātul lil-gaibi bimā ḥafiẓallāh(u), wal-lātī takhāfūna nusyūzahunna fa ‘iẓūhunna wahjurūhunna fil-maḍāji‘i waḍribūhunn(a), fa in aṭa‘nakum falā tabgū ‘alaihinna sabīlā(n), innallāha kāna ‘aliyyan kabīrā(n).
[34] Lalaki (salaki) téh anu nangtayungan awéwé (istri) sabab Allah geus munjulkeun sabagian ti manéhna (lalaki) ti sabagianana deui (awéwé), jeung ku sabab lalaki méré napakah tina harta bandana. Ku kituna, istri anu soléh téh nyaéta anu ta’at (ka Allah) jeung nu ngaraksa dirina waktu (salakina) teu aya, ku lantaran Allah parantos ngaraksa (manéhna). 195 Istri anu dipikahariwang ngalakukeun nusyūz, 196 prak béré naséhat, jauhkeun tempat saréna (pisah ranjang), jeung (lamun perlu) pék teunggeul! Tapi lamun manéhna ta’at mah ka aranjeun, atuh ulah néang-néang alesan pikeun nyusahkeun manéhna. Saleresna Allah mah Mahaluhung (tur) Mahaagung.
195) Allah geus ngawajibkeun ka salaki pikeun merenahkeun pamajikanana kalayan hadé. 196) Nusyuz nyaéta pamajikan ninggalkeun kawajiban salaku pamajikan, saperti ninggalkeun imah tanpa idin salakina.

وَاِنْ خِفْتُمْ شِقَاقَ بَيْنِهِمَا فَابْعَثُوْا حَكَمًا مِّنْ اَهْلِهٖ وَحَكَمًا مِّنْ اَهْلِهَا ۚ اِنْ يُّرِيْدَآ اِصْلَاحًا يُّوَفِّقِ اللّٰهُ بَيْنَهُمَا ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيْمًا خَبِيْرًا٣٥
Wa in khiftum syiqāqa bainihimā fab‘aṡū ḥakamam min ahlihī wa ḥakamam min ahlihā, iy yurīdā iṣlāḥay yuwaffiqillāhu bainahumā, innallāha kāna ‘alīman khabīrā(n).
[35] Lamun aranjeun rémpan kana lumangsungna pacékcokan di antarana (salaki-pamajikan), pék utus saurang panengah (juru tengtrem) ti kulawarga salaki sarta saurang panengah (juru tengtrem) ti kulawarga awéwé. Lamun éta panengah boga maksud ngupayakeun karukunan (antara duanana), tangtu Allah masihan kasaluyuan ka duanana. Saleresna Allah mah Mahauninga (tur) Mahawaspada.

۞ وَاعْبُدُوا اللّٰهَ وَلَا تُشْرِكُوْا بِهٖ شَيْـًٔا وَّبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسَانًا وَّبِذِى الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنِ وَالْجَارِ ذِى الْقُرْبٰى وَالْجَارِ الْجُنُبِ وَالصَّاحِبِ بِالْجَنْۢبِ وَابْنِ السَّبِيْلِۙ وَمَا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ مَنْ كَانَ مُخْتَالًا فَخُوْرًاۙ٣٦
Wa‘budullāha wa lā tusyrikū bihī syai'aw wa bil-wālidaini iḥsānaw wa biżil-qurbā wal-yatāmā wal-masākīni wal-jāri żil-qurbā wal-jāril-junubi waṣ-ṣāḥibi bil-jambi wabnis-sabīl(i), wa mā malakat aimānukum, innallāha lā yuḥibbu man kāna mukhtālan fakhūrā(n).
[36] Prak geura ibadah ka Allah jeung omat ulah nyarékatkeun Mantenna jeung naon baé ogé. Prak ogé nyieun kahadéan ka indung-bapa, ka dulur anu deukeut, ka barudak yatim, ka jalma-jalma anu miskin, ka tatangga anu deukeut jeung anu jauh, 197 ka babaturan sapagawéan, ka ibn sabil, 198 jeung ka abid anu dipimilik ku aranjeun. Saleresna Allah henteu mikaresep ka jalma-jalma anu gumedé jeung sok agul ku diri sorangan.
197) Aya ahli tapsir anu ngama’naan “deukeut jeung jauh” di dieu ku tempat jeung hubungan kakulawargaan. Aya ogé anu ngama’naan antara jalma muslim jeung jalma lian ti muslim. 198) Ibnu Sabil nyaéta jalma anu keur lalampahan anu lain pikeun ma’siat tur kabéakeun bekel. Kaasup kana golongan Ibn Sabil ogé nyaéta budak anu teu kanyahoan indung-bapana.

ۨالَّذِيْنَ يَبْخَلُوْنَ وَيَأْمُرُوْنَ النَّاسَ بِالْبُخْلِ وَيَكْتُمُوْنَ مَآ اٰتٰىهُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖۗ وَاَعْتَدْنَا لِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابًا مُّهِيْنًاۚ٣٧
Al-lażīna yabkhalūna wa ya'murūnan-nāsa bil-bukhli wa yaktumūna mā ātāhumullāhu min faḍlih(ī), wa a‘tadnā lil-kāfirīna ‘ażābam muhīnā(n).
[37] (Nyaéta) jalma-jalma anu korét jeung nitah korét ka nu séjén, sarta anu nyumputkeun kurnia anu dipaparinkeun ku Allah ka maranéhna. Kami geus nyawiskeun pikeun jalma-jalma kapir siksaan anu ngahinakeun.

وَالَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ رِئَاۤءَ النَّاسِ وَلَا يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَلَا بِالْيَوْمِ الْاٰخِرِ ۗ وَمَنْ يَّكُنِ الشَّيْطٰنُ لَهٗ قَرِيْنًا فَسَاۤءَ قَرِيْنًا٣٨
Wal-lażīna yunfiqūna amwālahum ri'ā'an-nasi wa lā yu'minūna billāhi wa lā bil-yaumil ākhir(i), wa may yakunisy-syaiṭānu lahū qarīnan fasā'a qarīnā(n).
[38] (Allah ogé henteu mikaresep ka) jalma-jalma anu ngainpakkeun harta bandana kalayan riya (hayang katingali jeung kapuji) ku batur, jeung (ka) jalma-jalma anu teu ariman ka Allah jeung kana Poé Ahir. Saha baé anu ngajadikeun sétan jadi baturna, mangka (sing nyaho) sétan téh batur anu kacida jahatna.

وَمَاذَا عَلَيْهِمْ لَوْ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَاَنْفَقُوْا مِمَّا رَزَقَهُمُ اللّٰهُ ۗوَكَانَ اللّٰهُ بِهِمْ عَلِيْمًا٣٩
Wa māżā ‘alaihim lau āmanū billāhi wal-yaumil-ākhiri wa anfaqū mimmā razaqahumullāh(u), wa kānallāhu bihim ‘alīmā(n).
[39] Naon (héséna) pikeun maranéhna lamun seug iman ka Allah jeung kana Poé Ahir, sarta ngainpakkeun sabagian tina rejeki anu geus dipaparinkeun ku Allah ka maranéhna? Allah mah Mahauninga kana kaayaan maranéhna.

اِنَّ اللّٰهَ لَا يَظْلِمُ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ ۚوَاِنْ تَكُ حَسَنَةً يُّضٰعِفْهَا وَيُؤْتِ مِنْ لَّدُنْهُ اَجْرًا عَظِيْمًا٤٠
Innallāha lā yaẓlimu miṡqāla żarrah(tin), wa in taku ḥasanatay yuḍā‘ifhā wa yu'ti mil ladunhu ajran ‘aẓīmā(n).
[40] Saleresna Allah moal ngadoliman ka hiji jalma sanajan sagédé żarrah 199 ogé. Lamun aya hiji kahadéan (sagédé żarrah), tangtu Allah nikel-nikelkeun jeung bakal maparin ganjaran anu gedé ti mungguhing Mantenna.
199) Żarrah nyaéta banda anu pangleutikna jeung panghampangna.

فَكَيْفَ اِذَا جِئْنَا مِنْ كُلِّ اُمَّةٍۢ بِشَهِيْدٍ وَّجِئْنَا بِكَ عَلٰى هٰٓؤُلَاۤءِ شَهِيْدًاۗ٤١
Fa kaifa iżā ji'nā min kulli ummatim bisyahīdiw wa ji'nā bika ‘alā hā'ulā'i syahīdā(n).
[41] Pisakumahaeun (kaayaan jalma-jalma kapir engké) upama Kami ngadatangkeun saksi (rasul) ti saban umat jeung Kami ngadatangkeun hidep (Muhammad) jadi saksi pikeun maranéhna.

يَوْمَىِٕذٍ يَّوَدُّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَعَصَوُا الرَّسُوْلَ لَوْ تُسَوّٰى بِهِمُ الْاَرْضُۗ وَلَا يَكْتُمُوْنَ اللّٰهَ حَدِيْثًا ࣖ٤٢
Yauma'iżiy yawaddul-lażīna kafarū wa ‘aṣawur-rasūla lau tusawwā bihimul-arḍ(u), wa lā yaktumūnallāha ḥadīṡā(n).
[42] Dina éta poé, jalma-jalma anu kupur jeung anu doraka ka Rasul (Muhammad) miharep maranéhna diratakeun baé jeung taneuh (dikubur atawa ancur jadi taneuh), padahal maranéhna moal bisa nyumputkeun hiji kajadian (laku lampah) naon baé ti Allah.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَقْرَبُوا الصَّلٰوةَ وَاَنْتُمْ سُكٰرٰى حَتّٰى تَعْلَمُوْا مَا تَقُوْلُوْنَ وَلَا جُنُبًا اِلَّا عَابِرِيْ سَبِيْلٍ حَتّٰى تَغْتَسِلُوْا ۗوَاِنْ كُنْتُمْ مَّرْضٰٓى اَوْ عَلٰى سَفَرٍ اَوْ جَاۤءَ اَحَدٌ مِّنْكُمْ مِّنَ الْغَاۤىِٕطِ اَوْ لٰمَسْتُمُ النِّسَاۤءَ فَلَمْ تَجِدُوْا مَاۤءً فَتَيَمَّمُوْا صَعِيْدًا طَيِّبًا فَامْسَحُوْا بِوُجُوْهِكُمْ وَاَيْدِيْكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَفُوًّا غَفُوْرًا٤٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā taqrabuṣ-ṣalāta wa antum sukārā ḥattā ta‘lamū mā taqūlūna wa lā junuban illā ‘ābirī sabīlin ḥattā tagtasilū, wa in kuntum marḍā au ‘alā safarin au jā'a aḥadum minkum minal-gā'iṭi au lāmastumun-nisā'a falam tajidū mā'an fa tayammamū ṣa‘īdan ṭayyiban famsaḥū biwujūhikum wa aidīkum, innnallāha kāna ‘afuwwan gafūrā(n).
[43] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah rék ngadeukeutan salat bari dina kaayaan mabok nepi ka aranjeun sadar kana naon anu diucapkeun, jeung ulah (ngadeukeutan masjid waktu) keur junub kajaba ngan saukur ngaliwat, saméméh aranjeun mandi (junub). Anapon lamun aranjeun gering, atawa keur indit-inditan, atawa geus kabeuratan, atawa paantel kulit jeung awéwé, 200 sedengkeun aranjeun henteu manggih cai, nya prak tayamum baé ku kekebul taneuh anu hadé (suci), geura usap beungeut jeung leungeun aranjeun ku éta (kekebul). Saleresna Allah mah Maha Maparin-pangampura (tur) Maha Jembar-pangampura.
200) Sabagian ulama ngajelaskeun ma’na “paantel kulit” di dieu ku ma’na harpiah, tapi sabagian anu lianna ngama’naan “pasatemon/campur”.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ اُوْتُوْا نَصِيْبًا مِّنَ الْكِتٰبِ يَشْتَرُوْنَ الضَّلٰلَةَ وَيُرِيْدُوْنَ اَنْ تَضِلُّوا السَّبِيْلَۗ٤٤
Alam tara ilal-lażīna ūtū naṣībam minal-kitābi yasytarūnaḍ-ḍalālata wa yurīdūna an taḍillus-sabīl(a).
[44] Naha hidep henteu niténan jalma-jalma anu geus dipaparinan bagian tina Kitab (Torét)? Maranéhna meuli jalan anu sasar jeung miharep sangkan aranjeun ogé sasar tina jalan anu bener.

وَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِاَعْدَاۤىِٕكُمْ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ وَلِيًّا ۙوَّكَفٰى بِاللّٰهِ نَصِيْرًا٤٥
Wallāhu a‘lamu bi'a‘dā'ikum, wa kafā billāhi waliyyaw wa kafā billāhi naṣīrā(n).
[45] Allah téh langkung uninga ka musuh-musuh aranjeun. Cukup Allah baé anu nangtayungan jeung cukup Allah baé anu nulungan (ka aranjeun).

مِنَ الَّذِيْنَ هَادُوْا يُحَرِّفُوْنَ الْكَلِمَ عَنْ مَّوَاضِعِهٖ وَيَقُوْلُوْنَ سَمِعْنَا وَعَصَيْنَا وَاسْمَعْ غَيْرَ مُسْمَعٍ وَّرَاعِنَا لَيًّاۢ بِاَلْسِنَتِهِمْ وَطَعْنًا فِى الدِّيْنِۗ وَلَوْ اَنَّهُمْ قَالُوْا سَمِعْنَا وَاَطَعْنَا وَاسْمَعْ وَانْظُرْنَا لَكَانَ خَيْرًا لَّهُمْ وَاَقْوَمَۙ وَلٰكِنْ لَّعَنَهُمُ اللّٰهُ بِكُفْرِهِمْ فَلَا يُؤْمِنُوْنَ اِلَّا قَلِيْلًا٤٦
Minal-lażīna hādū yuḥarrifūnal-kalima ‘am mawāḍi‘ihī wa yaqūlūna sami‘nā wa ‘aṣainā wasma‘ gaira musmi‘iw wa rā‘inā layyam bi'alsinatihim wa ṭa‘nan fid-dīn(i), wa lau annahum qālū sami‘nā wa aṭa‘nā wasma‘ wanẓurnā lakāna khairal lahum wa aqwam(a), wa lākil la‘anahumullāhu bikufrihim falā yu'minūna illā qalīlā(n).
[46] Ti antara urang Yahudi aya nu ngarobah kalimah-kalimah tina tempatna (masing-masing). Maranéhna ogé ngomong kieu, “Kuring saréréa ngadéngé, tapi moal rék nurut.” Maranéhna (pokna deui), “Déngékeun!,” (padahal hidep Muhammad sabenerna) henteu ngadéngé naon-naon. 201 Maranéhna (pokna deui), “Rā’inā”, 202 bari muter-muterkeun létahna jeung nyacad kana agama. Lamun seug maranéhna nyarita kieu mah, “Kuring saréréa ngadéngé jeung tumut, jeung regepkeun, jeung raksa kuring saréréa,” tangtu éta leuwih hadé pikeun maranéhna jeung leuwih pantes, tapi Allah ngala’nat maranéhna ku sabab kakapiranana. Maranéhna teu iman kajaba saeutik pisan. 203
201) Lisan maranéhna ngarucap, “kupingkeun!”, tapi haténa ngagerentes, “Mudah-mudahan anjeun henteu bisa ngadéngékeun (bongé).” 202) Pakait jeung harti rā’inā, sabagian ahli tapsir ngama’naan ku kecap unẓurnā anu hartina “perhatikeun kuring saréréa!” Satuluyna tingalan ogé surat al-Baqarah/2:104. 203) Aya anu ngama’naan “ipisna kadar kaimanan maranéhna”, tapi aya ogé anu ngama’naan “jumlah anu saeutik”.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ اٰمِنُوْا بِمَا نَزَّلْنَا مُصَدِّقًا لِّمَا مَعَكُمْ مِّنْ قَبْلِ اَنْ نَّطْمِسَ وُجُوْهًا فَنَرُدَّهَا عَلٰٓى اَدْبَارِهَآ اَوْ نَلْعَنَهُمْ كَمَا لَعَنَّآ اَصْحٰبَ السَّبْتِ ۗ وَكَانَ اَمْرُ اللّٰهِ مَفْعُوْلًا٤٧
Yā ayyuhal-lażīna ūtul-kitāba āminū bimā nazzalnā muṣaddiqal limā ma‘akum min qabli an naṭmisa wujūhan fa naruddahā ‘alā adbārihā au nal‘anahum kamā la‘annā aṣḥābas-sabt(i), wa kāna amrullāhi maf‘ūlā(n).
[47] Hé jalma-jalma anu geus dipaparinan Kitab, prak geura iman kana (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Kami anu ngaenyakeun (kana Kitab) anu aya di maranéh, saméméh Kami ngarobah beungeut-beungeut (maranéh) sarta muterkeun ka tukang, 204 atawa saméméh Kami ngala’nat ka maranéhna sakumaha Kami ngala’nat ka jalma-jalma (anu ngarempak cegahan) dina poé Sabtu. Ari katangtuan Allah téh pasti lumangsung.
204) Numutkeun kalolobaan ahli tapsir, maksudna nyaéta “ngarobah beungeut maranéhna, terus diputerkeun ka tukang” pikeun maksud ngahinakeun.

اِنَّ اللّٰهَ لَا يَغْفِرُ اَنْ يُّشْرَكَ بِهٖ وَيَغْفِرُ مَا دُوْنَ ذٰلِكَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ ۚ وَمَنْ يُّشْرِكْ بِاللّٰهِ فَقَدِ افْتَرٰٓى اِثْمًا عَظِيْمًا٤٨
Innallāha lā yagfiru ay yusyraka bihī wa yagfiru mā dūna żālika limay yasyā'(u), wa may yusyrik billāhi fa qadiftarā iṡman ‘aẓīmā(n).
[48] Sabenerna Allah moal ngahampura (dosa) lantaran nyarékatkeun Mantenna (musrik), tapi bakal ngahampura dosa salian ti éta pikeun jalma anu dikersakeun ku Mantenna. Saha baé anu nyarékatkeun Allah, sabenerna manéhna geus nyieun dosa anu kacida gedéna.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ يُزَكُّوْنَ اَنْفُسَهُمْ ۗ بَلِ اللّٰهُ يُزَكِّيْ مَنْ يَّشَاۤءُ وَلَا يُظْلَمُوْنَ فَتِيْلًا٤٩
Alam tara ilal-lażīna yuzakkūna anfusahum, balillāhu yuzakkī may yasyā'u wa lā yuẓlamūna fatīlā(n).
[49] Naha hidep henteu niténan jalma-jalma anu nganggap dirina beresih (urang Yahudi jeung Nasrani)? Saleresna Allah bakal ngaberesihan saha baé anu dikersakeun ku Mantenna sarta manéhna moal didoliman saeutik ogé.

اُنْظُرْ كَيْفَ يَفْتَرُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَۗ وَكَفٰى بِهٖٓ اِثْمًا مُّبِيْنًا ࣖ٥٠
Unẓur kaifa yaftarūna ‘alallāhil-każib(a), wa kafā bihī iṡmam mubīnā(n).
[50] Prak titénan, bisa-bisana maranéhna ngaréka-réka kabohongan ka Allah. Cukup éta (lalampahan) téh ngajadikeun dosa anu jelas (pikeun maranéhna).

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ اُوْتُوْا نَصِيْبًا مِّنَ الْكِتٰبِ يُؤْمِنُوْنَ بِالْجِبْتِ وَالطَّاغُوْتِ وَيَقُوْلُوْنَ لِلَّذِيْنَ كَفَرُوْا هٰٓؤُلَاۤءِ اَهْدٰى مِنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا سَبِيْلًا٥١
Alam tara ilal-lażīna ūtū naṣībam minal-kitābi yu'minūna bil-jibti waṭ-ṭāgūti wa yaqūlūna lil-lażīna kafarū hā'ulā'i ahdā minal-lażīna āmanū sabīlā(n).
[51] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma-jalma anu geus dipaparinan bagian tina Kitab (Torét)? Maranéhna percaya kana Jibt jeung Tāgūt 205 sarta nyarita ka jalma-jalma kapir (musrikin Mekah) yén maranéhna téh leuwih bener jalanna tibatan jalma-jalma anu iman.
205) Jibt jeung Tāgūt téh ngandung ma’na anu ampir sarua, nyaéta nuduhken ka sétan jeung naon baé anu disembah salian ti Allah Swt.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ لَعَنَهُمُ اللّٰهُ ۗوَمَنْ يَّلْعَنِ اللّٰهُ فَلَنْ تَجِدَ لَهٗ نَصِيْرًا٥٢
Ulā'ikal-lażīna la‘anahumullāh(u), wa may yal‘anillāhu falan tajida lahū naṣīrā(n).
[52] Nya maranéhna téh jalma-jalma anu dila’nat ku Allah. Saha baé anu dila’nat ku Allah, tangtu hidep (Muhammad) moal manggih anu nulungan pikeun manéhna.

اَمْ لَهُمْ نَصِيْبٌ مِّنَ الْمُلْكِ فَاِذًا لَّا يُؤْتُوْنَ النَّاسَ نَقِيْرًاۙ٥٣
Am lahum naṣībum minal-mulki fa iżal lā yu'tūnan-nāsa naqīrā(n).
[53] Atawa naha maranéhna téh boga bagian tina karajaan (kakawasaan)? Sanajan kitu, maranéhna tetep moal méré (kaalusan) saeutik ogé ka manusa.

اَمْ يَحْسُدُوْنَ النَّاسَ عَلٰى مَآ اٰتٰىهُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖۚ فَقَدْ اٰتَيْنَآ اٰلَ اِبْرٰهِيْمَ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَاٰتَيْنٰهُمْ مُّلْكًا عَظِيْمًا٥٤
Am yaḥsudūnan-nāsa ‘alā mā ātāhumullāhu min faḍlih(ī), faqad ātainā āla ibrāhīmal-kitāba wal-ḥikmata wa ātaināhum mulkan ‘aẓīmā(n).
[54] Atawa naha maranéhna téh hiri ka éta jalma (Muhammad) ku sabab kurnia anu geus dipaparinkeun ku Allah ka anjeunna? Sabenerna Kami geus maparin kitab jeung hikmah ka kulawarga Ibrahim tur maparin karajaan (kakawasaan) anu agung ka aranjeunna.

فَمِنْهُمْ مَّنْ اٰمَنَ بِهٖ وَمِنْهُمْ مَّنْ صَدَّ عَنْهُ ۗ وَكَفٰى بِجَهَنَّمَ سَعِيْرًا٥٥
Fa minhum man āmana bihī wa minhum man ṣadda ‘anh(u), wa kafā bijahannama sa‘īrā(n).
[55] Mangka, sawaréhna ti antara maranéhna (anu hiri téa) aya anu iman ka éta jalma (Muhammad), tapi sawaréhna deui mah ngahalang-halang (batur pikeun iman ka éta jalma). Cukup (pikeun maranéhna mah) naraka Jahanam anu ngaléntab-léntab seuneuna.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِنَا سَوْفَ نُصْلِيْهِمْ نَارًاۗ كُلَّمَا نَضِجَتْ جُلُوْدُهُمْ بَدَّلْنٰهُمْ جُلُوْدًا غَيْرَهَا لِيَذُوْقُوا الْعَذَابَۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَزِيْزًا حَكِيْمًا٥٦
Innal-lażīna kafarū bi'āyātinā sanuṣlīhim nārā(n), kullamā naḍijat julūduhum baddalnāhum julūdan gairahā liyażūqul-‘ażāb(a), innallāha kāna ‘azīzan ḥakīmā(n).
[56] Sabenerna jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Kami, pasti ku Kami bakal diasupkeun ka naraka. Saban-saban kulit maranéhna géhéng, ku Kami diganti deui ku kulit anu séjén (anyar) sangkan maranéhna ngarasakeun siksa. Sabenerna Allah mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ سَنُدْخِلُهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۗ لَهُمْ فِيْهَآ اَزْوَاجٌ مُّطَهَّرَةٌ ۙ وَّنُدْخِلُهُمْ ظِلًّا ظَلِيْلًا٥٧
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti sanudkhiluhum jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), lahum fīhā azwājum muṭahharah(tun), wa nudkhiluhum ẓillan ẓalīlā(n).
[57] Anapon jalma-jalma anu iman sarta ngalaksanakeun amal soléh mah, ku Kami bakal diasupkeun ka sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari bakal langgeng di dinyana salila-lilana. Di dinya aranjeunna ngabogaan pasangan anu suci. Ku Kami ogé aranjeunna bakal diasupkeun ka tempat anu iuh tur nyaman.

۞ اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تُؤَدُّوا الْاَمٰنٰتِ اِلٰٓى اَهْلِهَاۙ وَاِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ اَنْ تَحْكُمُوْا بِالْعَدْلِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ نِعِمَّا يَعِظُكُمْ بِهٖ ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ سَمِيْعًاۢ بَصِيْرًا٥٨
Innallāha ya'murukum an tu'addul-amānāti ilā ahlihā, wa iżā ḥakamtum bainan-nāsi an taḥkumū bil-‘adl(i), innallāha ni‘immā ya‘iẓukum bih(ī), innallāha kāna samī‘am baṣīrā(n).
[58] Sabenerna Allah maréntah ka aranjeun nepikeun amanat ka anu hak narimana. Upama netepkeun hukum di antara manusa, aranjeun (diparéntah ogé) kudu netepkeunana kalayan adil. Saleresna Allah téh anu pangsaé-saéna maparin atikan (ngeunaan amanat jeung kaadilan) pikeun anjeun. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَ وَاُولِى الْاَمْرِ مِنْكُمْۚ فَاِنْ تَنَازَعْتُمْ فِيْ شَيْءٍ فَرُدُّوْهُ اِلَى اللّٰهِ وَالرَّسُوْلِ اِنْ كُنْتُمْ تُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۗ ذٰلِكَ خَيْرٌ وَّاَحْسَنُ تَأْوِيْلًا ࣖ٥٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū aṭī‘ullāha wa aṭī‘ur-rasūla wa ulil-amri minkum, fa in tanāza‘tum fī syai'in fa rudd­hu ilallāhi war-rasūli in kuntum tu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhir(i), żālika khairuw wa aḥsanu ta'wīlā(n).
[59] Hé jalma-jalma anu iman, kudu ta'at ka Allah jeung kudu ta'at ka Rasul (Muhammad), jeung ka ulil amri (nu nyekel kakawasaan) ti antara aranjeun. Upama aranjeun béda pamadegan dina hiji perkara, mangka kudu dibalikkeun ka Allah (Al-Qur'an) jeung ka Rasul (Sunnah) lamun aranjeun iman ka Allah jeung kana Poé Ahir mah. Éta téh cara anu leuwih utama (pikeun aranjeun) jeung leuwih hadé akibatna.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ يَزْعُمُوْنَ اَنَّهُمْ اٰمَنُوْا بِمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ وَمَآ اُنْزِلَ مِنْ قَبْلِكَ يُرِيْدُوْنَ اَنْ يَّتَحَاكَمُوْٓا اِلَى الطَّاغُوْتِ وَقَدْ اُمِرُوْٓا اَنْ يَّكْفُرُوْا بِهٖ ۗوَيُرِيْدُ الشَّيْطٰنُ اَنْ يُّضِلَّهُمْ ضَلٰلًا ۢ بَعِيْدًا٦٠
Alam tara ilal-lażīna yaz‘umūna annahum āmanū bimā unzila ilaika wa mā unzila min qablika yurīdūna ay yataḥākamū ilaṭ-ṭāgūti wa qad umirū ay yakfurū bih(ī), wa yurīdusy-syaiṭānu ay yuḍillahum ḍalālam ba‘īdā(n).
[60] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma-jalma anu ngaku-ngaku iman kana sakabéh nu diturunkeun ka hidep jeung kana sakabéh anu diturunkeun ka saméméh hidep, tapi tetep miharep ménta katetepan hukum ka Tāgūt? 206 Padahal maranéhna geus diparéntah supaya ingkar kana éta Tāgūt. Apan sétan mah hayang nyasarkeun maranéhna sajauh-jauhna.
206) Maranéhna téh jalma-jalma anu ngamusuhan ka Nabi Muhammad Saw. jeung ka kaom muslimin. Aya ogé anu napsirkeun yén ayat ieu téh ngeunaan Abu Barjah, nyaéta salah sahiji tukang teluh (tenung) dina jaman Nabi. Aya ogé anu napsirkeun yén ieu ayat téh ngeunaan Ka’ab bin Asyraf (jalma munapék).

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ تَعَالَوْا اِلٰى مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ وَاِلَى الرَّسُوْلِ رَاَيْتَ الْمُنٰفِقِيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْكَ صُدُوْدًاۚ٦١
Wa iżā qīla lahum ta‘ālau ilā mā anzalallāhu wa ilar-rasūli ra'aital-munāfiqīna yaṣuddūna ‘anka ṣudūdā(n).
[61] Upama diucapkeun (ku hidep) ka maranéhna, “Sok atuh tunduk kana naon anu diturunkeun ku Allah jeung (tunduk) ka rasul!” tangtu hidep nyaksian jalma-jalma anu munapék téh bakal ngabalieur ti hidep.

فَكَيْفَ اِذَآ اَصَابَتْهُمْ مُّصِيْبَةٌ ۢبِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْ ثُمَّ جَاۤءُوْكَ يَحْلِفُوْنَ بِاللّٰهِ ۖاِنْ اَرَدْنَآ اِلَّآ اِحْسَانًا وَّتَوْفِيْقًا٦٢
Fa kaifa iżā aṣābathum muṣībatum bimā qaddamat aidīhim ṡumma jā'ūka yaḥlifūna billāh(i), in aradnā illā iḥsānaw wa taufīqā(n).
[62] Mangka, pisakumahaan teuing upama engké maranéhna (jalma-jalma munapék) téh ditiban hiji musibah alatan laku lampahna sorangan, tuluy maranéhna datang ka hidep bari susumpahan kieu, “Demi Allah, kuring saréréa teu hoyong nanaon anging kahadéan sareng katengtreman.”

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ يَعْلَمُ اللّٰهُ مَا فِيْ قُلُوْبِهِمْ فَاَعْرِضْ عَنْهُمْ وَعِظْهُمْ وَقُلْ لَّهُمْ فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ قَوْلًا ۢ بَلِيْغًا٦٣
Ulā'ikal-lażīna ya‘lamullāhu mā fī qulūbihim fa a‘riḍ ‘anhum wa ‘iẓhum wa qul lahum fī anfusihim qaulam balīgā(n).
[63] Maranéhna téh nyaéta jalma-jalma anu (sabenerna) Allah (nyalira) uninga kana sakabéh eusi haténa. Ku sabab kitu, tinggalkeun baé maranéhna, béré naséhat, jeung omongan maranéhna ku omongan nu matak nyerep kana jiwana.

وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا لِيُطَاعَ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَلَوْ اَنَّهُمْ اِذْ ظَّلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ جَاۤءُوْكَ فَاسْتَغْفَرُوا اللّٰهَ وَاسْتَغْفَرَ لَهُمُ الرَّسُوْلُ لَوَجَدُوا اللّٰهَ تَوَّابًا رَّحِيْمًا٦٤
Wa mā arsalnā mir rasūlin illā liyuṭā‘a bi'iżnillāh(i), wa lau annahum iẓ ẓalamū anfusahum jā'ūka fastagfarullāha wastagfara lahumur-rasūlu lawajadullāha tawwābar raḥīmā(n).
[64] Kami henteu ngutus hiji rasul anging supaya ditaatan kalayan widi ti Allah. Upama seug maranéhna, sanggeus ngadoliman dirina sorangan, datang ka hidep (Muhammad) tuluy ménta pangampura ka Allah sarta Rasul ogé ngiring mangméntakeun pikeun maranéhna, tangtu maranéhna bakal mendakan yén Allah téh Mahajembar Nampi Tobat (tur) Mahaasih.

فَلَا وَرَبِّكَ لَا يُؤْمِنُوْنَ حَتّٰى يُحَكِّمُوْكَ فِيْمَا شَجَرَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ لَا يَجِدُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ حَرَجًا مِّمَّا قَضَيْتَ وَيُسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا٦٥
Falā wa rabbika lā yu'minūna ḥattā yuḥakkimūka fīmā syajara bainahum ṡumma lā yajidū fī anfusihim ḥarajam mimmā qaḍaita wa yusallimū taslīmā(n).
[65] Demi Pangéran hidep (Muhammad), maranéhna teu kaasup iman saméméh ngangkat hidep jadi hakim (pikeun mutus) perkara anu jadi pacogrégan di antara maranéhna, (nepi ka) maranéhna henteu ngarasa aya beungbeurat dina haténa kana putusan anu ditetepkeun ku hidep, jeung maranéhna nampa (kana éta kaputusan) kalayan sagemblengna.

وَلَوْ اَنَّا كَتَبْنَا عَلَيْهِمْ اَنِ اقْتُلُوْٓا اَنْفُسَكُمْ اَوِ اخْرُجُوْا مِنْ دِيَارِكُمْ مَّا فَعَلُوْهُ اِلَّا قَلِيْلٌ مِّنْهُمْ ۗوَلَوْ اَنَّهُمْ فَعَلُوْا مَا يُوْعَظُوْنَ بِهٖ لَكَانَ خَيْرًا لَّهُمْ وَاَشَدَّ تَثْبِيْتًاۙ٦٦
Wa lau annā katabnā ‘alaihim aniqtulū anfusakum awikhrujū min diyārikum mā fa‘alūhu illā qalīlum minhum, wa lau annahum fa‘alū mā yū‘aẓūna bihī lakāna khairal lahum wa asyadda taṡbītā(n).
[66] Sok sanajan Kami maréntahkeun ka maranéhna (jalma-jalma munapék), “Prak geura paéhan diri maranéh atawa jig geura kaluar ti lembur maranéh!,” tangtu maranéhna moal rék ngalakonan kajaba sabagian leutik ti antara maranéhna. Lamun seug maranéhna bener-bener ngalakonan naon anu dinaséhatkeun, tangtu éta leuwih hadé pikeun maranéhna sarta leuwih nguatkeun (iman maranéhna).

وَّاِذًا لَّاٰتَيْنٰهُمْ مِّنْ لَّدُنَّآ اَجْرًا عَظِيْمًاۙ٦٧
Wa iżal la'ātaināhum mil ladunnā ajran ‘aẓīmā(n).
[67] Lamun kitu (kaayaanana) mah, pasti Kami bakal maparin ganjaran anu gedé ka maranéhna ti mungguhing Kami.

وَّلَهَدَيْنٰهُمْ صِرَاطًا مُّسْتَقِيْمًا٦٨
Wa lahadaināhum ṣirāṭam mustaqīmā(n).
[68] Tangtuna ogé Kami bakal nuduhkeun ka maranéhna kana jalan anu lempeng.

وَمَنْ يُّطِعِ اللّٰهَ وَالرَّسُوْلَ فَاُولٰۤىِٕكَ مَعَ الَّذِيْنَ اَنْعَمَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ مِّنَ النَّبِيّٖنَ وَالصِّدِّيْقِيْنَ وَالشُّهَدَاۤءِ وَالصّٰلِحِيْنَ ۚ وَحَسُنَ اُولٰۤىِٕكَ رَفِيْقًا٦٩
Wa may yuṭi‘illāha war-rasūla fa ulā'ika ma‘al-lażīna an‘amallāhu ‘alaihim minan-nabiyyīna waṣ-ṣiddīqīna wasy-syuhadā'i waṣ-ṣāliḥīn(a), wa ḥasuna ulā'ika rafīqā(n).
[69] Saha baé jalma anu ta'at ka Allah jeung ka Rasul-Na (Muhammad), maranéhna téh bakal babarengan jeung jalma-jalma anu geus dipaparinan ni'mat ku Allah, (nyaéta) para nabi, ṣiddīqīn (anu mikacinta kana bebeneran), syuhadā (anu maot sahid), jeung ṣālihīn (jalma-jalma anu soléh). Nya aranjeunna pisan pibatureun anu panghadé-hadéna.

ذٰلِكَ الْفَضْلُ مِنَ اللّٰهِ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ عَلِيْمًا ࣖ٧٠
Żālikal-faḍlu minallāh(i), wa kafā billāhi ‘alīmā(n).
[70] Tah anu kitu téh (mangrupa) kurnia ti Allah. Cukup mung Allah Nu Mahauninga.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا خُذُوْا حِذْرَكُمْ فَانْفِرُوْا ثُبَاتٍ اَوِ انْفِرُوْا جَمِيْعًا٧١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū khużū ḥiżrakum fanfirū ṡubātin awinfirū jamī‘ā(n).
[71] Hé jalma-jalma anu iman, kudu siap-siaga jeung pék geura maju (ka médan perang) kalayan sapasukan-sapasukan atawa kalawan maju babarengan.

وَاِنَّ مِنْكُمْ لَمَنْ لَّيُبَطِّئَنَّۚ فَاِنْ اَصَابَتْكُمْ مُّصِيْبَةٌ قَالَ قَدْ اَنْعَمَ اللّٰهُ عَلَيَّ اِذْ لَمْ اَكُنْ مَّعَهُمْ شَهِيْدًا٧٢
Wa inna minkum lamal layubaṭṭi'ann(a), fa in aṣābatkum muṣībatun qāla qad an‘amallāhu ‘alayya iż lam akum ma‘ahum syahīdā(n).
[72] Sabenerna ti antara aranjeun téh pastina aya jalma anu kacida embungna (indit ka médan perang). Tuluy, lamun aranjeun ditibanan musibah (boh gugur boh keuna tatu), manéhna ngomong kieu, “Sabenerna Allah geus maparinan ni'mat ka kuring sabab teu milu perang babarengan jeung maranéhna.”

وَلَىِٕنْ اَصَابَكُمْ فَضْلٌ مِّنَ اللّٰهِ لَيَقُوْلَنَّ كَاَنْ لَّمْ تَكُنْۢ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَهٗ مَوَدَّةٌ يّٰلَيْتَنِيْ كُنْتُ مَعَهُمْ فَاَفُوْزَ فَوْزًا عَظِيْمًا٧٣
Wa la'in aṣābakum faḍlum minallāhi layaqūlanna ka'allam takum bainakum wa bainahū mawaddattuy yā laitanī kuntu ma‘ahum fa afūza fauzan ‘aẓīmā(n).
[73] Tapi lamun aranjeun meunang kurnia (kaunggulan) ti Allah mah, tangtu manéhna téh ngomong saolah-olah can kungsi aya hubungan kanyaah antara aranjeun jeung manéhna, “Aduh, lamun kuring babareng jeung maranéhna mah, tangtu kuring (ogé) meunang kauntungan anu gedé pisan.”

۞ فَلْيُقَاتِلْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ الَّذِيْنَ يَشْرُوْنَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا بِالْاٰخِرَةِ ۗ وَمَنْ يُّقَاتِلْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَيُقْتَلْ اَوْ يَغْلِبْ فَسَوْفَ نُؤْتِيْهِ اَجْرًا عَظِيْمًا٧٤
Falyuqātil fī sabīlillāhil-lażīna yasytarūnal-ḥayātad-dun-yā bil-ākhirah(ti), wa may yuqātil fī sabīlillāhi fa yuqtal au yaglib fa saufa nu'tīhi ajran ‘aẓīmā(n).
[74] Ku sabab kitu, jalma-jalma anu ngajual kahirupan dunya pikeun (kahirupan) ahérat, prak atuh perang di jalan Allah. Saha baé anu perang di jalan Allah, terus gugur atawa meunang kaunggulan, tangtu Kami bakal maparin ganjaran anu gedé pisan ka maranéhna.

وَمَا لَكُمْ لَا تُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَالْمُسْتَضْعَفِيْنَ مِنَ الرِّجَالِ وَالنِّسَاۤءِ وَالْوِلْدَانِ الَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَآ اَخْرِجْنَا مِنْ هٰذِهِ الْقَرْيَةِ الظَّالِمِ اَهْلُهَاۚ وَاجْعَلْ لَّنَا مِنْ لَّدُنْكَ وَلِيًّاۚ وَاجْعَلْ لَّنَا مِنْ لَّدُنْكَ نَصِيْرًا٧٥
Wa mā lakum lā tuqātilūna fī sabīlillāhi wal-mustaḍ‘afīna minar-rijāli wan-nisā'i wal-wildānil-lażīna yaqūlūna rabbanā akhrijnā min hāżihil-qaryatiẓ-ẓālimi ahluhā, waj‘al lanā mil ladunka waliyyā(n), waj‘al lanā mil ladunka naṣīrā(n).
[75] Ku naon atuh maranéh téh bet embung perang di jalan Allah jeung (mélaan) jalma-jalma nu lemah, (nyaéta) lalaki, awéwé, atawa barudak anu ngadoa (kieu), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngaluarkeun abdi sadaya ti ieu nagri (Mekah) anu pangeusina (parantos) dolim, sinareng mugi Gusti maparin panyalindungan ti mungguhing Gusti, sareng mugi Gusti maparin anu bakal nulungan (ka abdi sadaya) ti mungguhing Gusti.”

اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۚ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا يُقَاتِلُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ الطَّاغُوْتِ فَقَاتِلُوْٓا اَوْلِيَاۤءَ الشَّيْطٰنِ ۚ اِنَّ كَيْدَ الشَّيْطٰنِ كَانَ ضَعِيْفًا ۚ ࣖ٧٦
Al-lażīna āmanū yuqātilūna fī sabīlillāh(i), wal-lażīna kafarū yuqātilūna fī sabīliṭ-ṭāgūti fa qātilū auliyā'asy-syaiṭān(i), inna kaidasy-syaiṭāni kāna ḍa‘īfā(n).
[76] Ari jalma-jalma anu iman mah perangna téh dina agama Allah, sedengkeun jalma-jalma kapir mah perangna téh dina jalan Ṭāgūt. Ku sabab kitu, pék perangan éta batur-batur sétan téh, (lantaran) sabenerna tipu daya sétan mah héngkér pisan.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ قِيْلَ لَهُمْ كُفُّوْٓا اَيْدِيَكُمْ وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَۚ فَلَمَّا كُتِبَ عَلَيْهِمُ الْقِتَالُ اِذَا فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ يَخْشَوْنَ النَّاسَ كَخَشْيَةِ اللّٰهِ اَوْ اَشَدَّ خَشْيَةً ۚ وَقَالُوْا رَبَّنَا لِمَ كَتَبْتَ عَلَيْنَا الْقِتَالَۚ لَوْلَآ اَخَّرْتَنَآ اِلٰٓى اَجَلٍ قَرِيْبٍۗ قُلْ مَتَاعُ الدُّنْيَا قَلِيْلٌۚ وَالْاٰخِرَةُ خَيْرٌ لِّمَنِ اتَّقٰىۗ وَلَا تُظْلَمُوْنَ فَتِيْلًا٧٧
Alam tara ilal-lażīna qīla lahum kuffū aidiyakum wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāt(a), fa lammā kutiba ‘alaihimul-qitālu iżā farīqum minhum yakhsyaunan-nāsa kakhasy-yatillāhi au asyadda khasy-yah(tan), wa qālū rabbanā lima katabta ‘alainal-qitāl(a), lau lā akhkhartanā ilā ajalin qarīb(in), qul matā‘ud-dun-yā qalīl(un), wal-ākhiratu khairul limanittaqā, wa lā tuẓlamūna fatīlā(n).
[77] Naha hidep (Muhammad) teu niténan jalma-jalma anu ka maranéhna dicaritakeun kieu, “Tahan leungeun aranjeun (tina peperangan sabab can cunduk waktuna), pék geura adegkeun salat, jeung kaluarkeun jakat!” Nalika maranéhna diwajibkeun (indit) perang, ujug-ujug aya sawaréh ti antara maranéhna (jalma-jalma anu munapék) sieun ku manusa (musuh) lir saupama sieun ku Allah, malah leuwih sieun (ti kitu). Maranéhna ngomong, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, naon margina Gusti ngawajibkeun perang ka abdi sadaya? Ku naon Gusti téh henteu nunda (kawajiban perangan) ka abdi sadaya sababaraha waktos baé mah?” Jawab ku hidep, “Kasenangan di alam dunya mah ngan saeutik, sedengkeun (kahirupan) ahérat mah éta jauh leuwih alus pikeun jalma-jalma anu takwa sarta aranjeun moal bakal didoliman saeutik ogé.”

اَيْنَ مَا تَكُوْنُوْا يُدْرِكْكُّمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِيْ بُرُوْجٍ مُّشَيَّدَةٍ ۗ وَاِنْ تُصِبْهُمْ حَسَنَةٌ يَّقُوْلُوْا هٰذِهٖ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۚ وَاِنْ تُصِبْهُمْ سَيِّئَةٌ يَّقُوْلُوْا هٰذِهٖ مِنْ عِنْدِكَ ۗ قُلْ كُلٌّ مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۗ فَمَالِ هٰٓؤُلَاۤءِ الْقَوْمِ لَا يَكَادُوْنَ يَفْقَهُوْنَ حَدِيْثًا٧٨
Aina mā takūnū yudrikkumul-mautu wa lau kuntum fī burūjim musyayyadah(tin), wa in tuṣibhum ḥasanatuy yaqūlū hāżihī min ‘indillāh(i), wa in tuṣibhum sayyi'atuy yaqūlū hāżihī min ‘indik(a), qul kullum min ‘indillāh(i), famā lihā'ulā'il-qaumi lā yakādūna yafqahūna ḥadīṡā(n).
[78] Di mana baé aranjeun aya, tangtu maot mah bakal manggihan ka aranjeun, sanajan aranjeun aya dina jero bénténg-bénténg anu luhur tur tohaga. Lamun meunang kahadéan, maranéhna (jalma-jalma anu munapék) ngomong kieu, “Ieu téh ti mungguhing Allah.” Tapi lamun ditibanan kagoréngan, maranéhna ngomong kieu, “Ieu mah ti hidep (Muhammad).” Pok béjakeun, “Kabéh ogé ti (mungguhing) Allah.” Atuh naon sababna éta jalma-jalma téh ampir-ampiran teu ngarti kana ieu caritaan?

مَآ اَصَابَكَ مِنْ حَسَنَةٍ فَمِنَ اللّٰهِ ۖ وَمَآ اَصَابَكَ مِنْ سَيِّئَةٍ فَمِنْ نَّفْسِكَ ۗ وَاَرْسَلْنٰكَ لِلنَّاسِ رَسُوْلًا ۗ وَكَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًا٧٩
Mā aṣābaka min ḥasanatin fa minallāh(i), wa mā aṣābaka min sayyi'atin fa min nafsik(a), wa arsalnāka lin-nāsi rasūlā(n), wa kafā billāhi syahīdā(n).
[79] Ni’mat naon baé anu aya di anjeun éta téh (datangna) ti Allah, jeung kagoréngan naon baé anu tumiba ku anjeun, éta téh tina (kasalahan) diri anjeun sorangan. Kami geus ngutus hidep (Muhammad) jadi rasul pikeun (sakabéh) manusa. Cukup Allah anu jadi saksi.

مَنْ يُّطِعِ الرَّسُوْلَ فَقَدْ اَطَاعَ اللّٰهَ ۚ وَمَنْ تَوَلّٰى فَمَآ اَرْسَلْنٰكَ عَلَيْهِمْ حَفِيْظًا ۗ٨٠
May yuṭi‘ir-rasūla faqad aṭā‘allāh(a), wa man tawallā famā arsalnāka ‘alaihim ḥafīẓā(n).
[80] Saha baé anu ta’at ka Rasul (Muhammad), manéhna téh bener-bener geus ta’at ka Allah. (Tapi) saha baé jalma anu ngabalieur (tina éta kata’atan), mangka Kami henteu ngutus hidep (Muhammad) pikeun jadi nu ngajagaan ka maranéhna. 207
207) Rasul henteu tanggel waler kana kalakuan anu dipilampah ku maranéhna sarta teu ngajamin maranéhna henteu milampah kasalahan.

وَيَقُوْلُوْنَ طَاعَةٌ ۖ فَاِذَا بَرَزُوْا مِنْ عِنْدِكَ بَيَّتَ طَاۤىِٕفَةٌ مِّنْهُمْ غَيْرَ الَّذِيْ تَقُوْلُ ۗ وَاللّٰهُ يَكْتُبُ مَا يُبَيِّتُوْنَ ۚ فَاَعْرِضْ عَنْهُمْ وَتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗ وَكَفٰى بِاللّٰهِ وَكِيْلًا٨١
Wa yaqūlūna ṭā‘ah(tun), fa iżā barazū min ‘indika bayyata ṭā'ifatum minhum gairal-lażī taqūl(u), wallāhu yaktubu mā yubayyitūn(a), fa a‘riḍ ‘anhum wa tawakkal ‘alallāh(i), wa kafā billāhi wakīlā(n).
[81] Maranéhna (jalma-jalma munapék) ngomong kieu, “Urang saréréa (sagemblengna) ta’at.” Ngan lamun maranéhna geus indit ti gigireun hidep, sabagian ti antara maranéhna ngatur siasat dina waktu peuting, lain tinu geus diucapkeun ku maranéhna bieu. Allah nyatet (siasat) anu diatur ku maranéhna dina éta peuting. Matak geura tinggalkeun baé maranéhna sarta pék hidep tawakal ka Allah! Cukup Allah anu ngaraksa (nangtayungan).

اَفَلَا يَتَدَبَّرُوْنَ الْقُرْاٰنَ ۗ وَلَوْ كَانَ مِنْ عِنْدِ غَيْرِ اللّٰهِ لَوَجَدُوْا فِيْهِ اخْتِلَافًا كَثِيْرًا٨٢
Afalā yatadabbarūnal-qur'ān(a), wa lau kāna min ‘indi gairillāhi lawajadū fīhikhtilāfan kaṡīrā(n).
[82] Atuh naha maranéhna téh henteu niténan Al-Qur’an? Lamun téa mah éta (Kitab Suci) téh lain ti mungguhing Allah, tangtu maranéhna bakal manggih di jerona pasalingsingan anu loba.

وَاِذَا جَاۤءَهُمْ اَمْرٌ مِّنَ الْاَمْنِ اَوِ الْخَوْفِ اَذَاعُوْا بِهٖ ۗ وَلَوْ رَدُّوْهُ اِلَى الرَّسُوْلِ وَاِلٰٓى اُولِى الْاَمْرِ مِنْهُمْ لَعَلِمَهُ الَّذِيْنَ يَسْتَنْۢبِطُوْنَهٗ مِنْهُمْ ۗ وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ لَاتَّبَعْتُمُ الشَّيْطٰنَ اِلَّا قَلِيْلًا٨٣
Wa iżā jā'ahum amrum minal-amni awil-khaufi ażā‘ū bih(ī), wa lau ruddūhu ilar-rasūli wa ilā ulil-amri minhum la‘alimahul-lażīna yastambiṭūnahū minhum, wa lau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū lattaba‘tumusy-syaiṭāna illā qalīlā(n).
[83] Lamun datang ka maranéhna hiji perkara ngeunaan kaamanan atawa kasieun, maranéhna téh tuluy nyebarkeun éta perkara. Padahal lamun maranéhna masrahkeun éta perkara ka Rasul (Muhammad) jeung Ulil Amri 208 ti antara maranéhna, pasti jalma-jalma anu hayang nyaho kana bebeneran éta perkara bakal ngayangoheukeun ti aranjeunna (Rasul jeung Ulil Amri). 209 Lamun lain lantaran kurnia jeung rahmat Mantenna ka aranjeun, tangtu aranjeun téh bakal nurut ka sétan, kajaba sabagian leutik baé (ti antara aranjeun).
208) Para inohong ti kalangan sohabat kanjeng Nabi Saw. 209) Numutkeun ahli tapsir anu séjén, yén maksud ieu ayat téh nyaéta lamun aya hawar (obrolan) ngeunaan kaamanan jeung kasieun téh kudu ditepikeun ka Rasul jeung Ulil Amri, tangtuna aranjeunna anu ahlina dina netepkeun kasimpulan (istinbāṭ) tina éta obrolan.

فَقَاتِلْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۚ لَا تُكَلَّفُ اِلَّا نَفْسَكَ وَحَرِّضِ الْمُؤْمِنِيْنَ ۚ عَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّكُفَّ بَأْسَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا ۗوَاللّٰهُ اَشَدُّ بَأْسًا وَّاَشَدُّ تَنْكِيْلًا٨٤
Faqātil fī sabīlillāh(i), lā tukallafu illā nafsaka wa ḥarriḍil-mu'minīn(a), ‘asallāhu ay yakuffa ba'sal lażīna kafarū, wallāhu asyaddu ba'saw wa asyaddu tankīlā(n).
[84] Bral hidep (Muhammad) geura perang dina jalan Allah! Hidep henteu dibebanan iwal ti (mangrupa) kawajiban hidep sorangan. 210 Kobarkeun sumanget kaom mu’minin. Mudah-mudahan Allah nolak serangan jalma-jalma kapir. Allah mah kacida rongkah kakuatanana jeung kacida beurat siksaanana.
210) Paréntah ngeunaan éta perang kudu dilaksanakeun ku Nabi Muhammad Saw. Sabab anu diparéntah ku éta ayat téh nyaéta anjeunna nyalira. Ieu ayat patali jeung panolakan sabagian urang Madinah pikeun ngilu perang nyarengan Nabi Saw. ka Badar. Ku kituna, ieu ayat turun pikeun maréntahkan supaya Nabi Saw. angkat perang sanajan mung saurang ogé.

مَنْ يَّشْفَعْ شَفَاعَةً حَسَنَةً يَّكُنْ لَّهٗ نَصِيْبٌ مِّنْهَا ۚ وَمَنْ يَّشْفَعْ شَفَاعَةً سَيِّئَةً يَّكُنْ لَّهٗ كِفْلٌ مِّنْهَا ۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ مُّقِيْتًا٨٥
May yasyfa‘ syafā‘atan ḥasanatay yakul lahū naṣībum minhā, wa may yasyfa‘ syafā‘atan sayyi'atay yakul lahū kiflum minhā, wa kānallāhu ‘alā kulli syai'im muqītā(n).
[85] Saha baé jalma anu méré pitulung anu hadé, tangtu manéhna bakal meunang bagian (ganjaran) tina éta kahadéan. Saha baé ogé anu méré pitulung anu goréng, tangtu manéhna ogé bakal nanggung sabagian (dosa jeung siksa) tina éta kagoréngan. Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَاِذَا حُيِّيْتُمْ بِتَحِيَّةٍ فَحَيُّوْا بِاَحْسَنَ مِنْهَآ اَوْ رُدُّوْهَا ۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ حَسِيْبًا٨٦
Wa iżā ḥuyyītum bitaḥiyyatin fa ḥayyū bi'aḥsana minhā au ruddūhā, innallāha kāna ‘alā kulli syai'in ḥasībā(n).
[86] Saupamana aranjeun dihormat ku hiji panghormatan (uluk salam), prak bales éta panghormatan ku panghormatan (anu leuwih) hadé tibatan éta, atawa (paling henteu) bales (éta panghormatan) ku (panghormatan) anu sarua. Saleresna Allah mah Maha Ngabalitungkeun kana sagala perkarana.

اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ لَيَجْمَعَنَّكُمْ اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ لَا رَيْبَ فِيْهِ ۗ وَمَنْ اَصْدَقُ مِنَ اللّٰهِ حَدِيْثًا ࣖ٨٧
Allāhu lā ilāha illā huw(a), layajma‘annakum ilā yaumil-qiyāmati lā raiba fīh(i), wa man aṣdaqu minallāhi ḥadīṡā(n).
[87] Allah, teu aya deui Pangéran (anu kuasa tur pantes disembah) iwal ti Allah nyalira. Saleresna Mantenna pasti bakal ngumpulkeun aranjeun kabéh dina Poé Kiamat anu geus teu aya kamangmangan dina ayana. Saha deui anu paling bener dawuhanana tibatan Allah?

۞ فَمَا لَكُمْ فِى الْمُنٰفِقِيْنَ فِئَتَيْنِ وَاللّٰهُ اَرْكَسَهُمْ بِمَا كَسَبُوْا ۗ اَتُرِيْدُوْنَ اَنْ تَهْدُوْا مَنْ اَضَلَّ اللّٰهُ ۗوَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَلَنْ تَجِدَ لَهٗ سَبِيْلًا٨٨
Famā lakum fil-munāfiqīna fi'ataini wallāhu arkasahum bimā kasabū, aturīdūna an tahdū man aḍallallāh(u), wa may yuḍlilillāhu falan tajida lahū sabīlā(n).
[88] Ku kituna, kunaon atuh aranjeun (kaom mu’minin bisa kabagi) jadi dua golongan 211 dina nyanghareupan kaom munapék? Padahal Allah geus mulangkeun maranéhna kana kakapiran ku lantaran kalakuanana sorangan? Naha aranjeun rék (boga maksud) méré pituduh ka jalma-jalma anu geus disasarkeun ku Allah? Saha baé (jalma) anu disasarkeun ku Allah (ku sabab kacondongan haténa kana kasasaran), pasti hidep (Muhammad) moal manggihan jalan (pituduh) pikeun manéhna.
211) Nyaéta golongan kaom mu’min anu ngabéla jalma munapék sarta golongan jalma anu ngamusuhan jalma munapék.

وَدُّوْا لَوْ تَكْفُرُوْنَ كَمَا كَفَرُوْا فَتَكُوْنُوْنَ سَوَاۤءً فَلَا تَتَّخِذُوْا مِنْهُمْ اَوْلِيَاۤءَ حَتّٰى يُهَاجِرُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَخُذُوْهُمْ وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ وَجَدْتُّمُوْهُمْ ۖ وَلَا تَتَّخِذُوْا مِنْهُمْ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًاۙ٨٩
Waddū lau takfurūna kamā kafarū fa takūnūna sawā'an falā tattakhiżū minhum auliyā'a ḥattā yuhājirū fī sabīlillāh(i), fa in tawallau fa khużūhum waqtulūhum ḥaiṡu wajattumūhum, wa lā tattakhiżū minhum waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[89] Maranéhna (jalma-jalma munapék) téh miharep pisan lamun aranjeun jadi kapir sakumaha maranéhna ogé geus kapir, nepi ka aranjeun sarua (jeung maranéhna). Ku sabab kitu, kadé aranjeun ulah rék ngajadikeun saha baé ti antara maranéhna jadi babaturan deukeut, nepi ka maranéhna pindah (hijrah) kana jalan Allah. Mangka, lamun maranéhna ngabalieur, prak baé tawan jeung paéhan maranéhna di mana baé aranjeun manggihan maranéhna. Kadé pisan aranjeun ulah rék ngajadikeun saurang ogé ti antara maranéhna babaturan deukeut jeung anu nulungan (ka aranjeun).

اِلَّا الَّذِيْنَ يَصِلُوْنَ اِلٰى قَوْمٍۢ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَهُمْ مِّيْثَاقٌ اَوْ جَاۤءُوْكُمْ حَصِرَتْ صُدُوْرُهُمْ اَنْ يُّقَاتِلُوْكُمْ اَوْ يُقَاتِلُوْا قَوْمَهُمْ ۗ وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَسَلَّطَهُمْ عَلَيْكُمْ فَلَقَاتَلُوْكُمْ ۚ فَاِنِ اعْتَزَلُوْكُمْ فَلَمْ يُقَاتِلُوْكُمْ وَاَلْقَوْا اِلَيْكُمُ السَّلَمَ ۙ فَمَا جَعَلَ اللّٰهُ لَكُمْ عَلَيْهِمْ سَبِيْلًا٩٠
Illal lażīna yaṣilūna ilā qaumim bainakum wa bainahum mīṡāqun au jā'ūkum ḥaṣirat ṣudūruhum ay yuqātilūkum au yuqātilū qaumahum, wa lau syā'allāhu lasallaṭahum ‘alaikum fa laqātalūkum, fa ini‘tazalūkum falam yuqātilūkum wa alqau ilaikumus-salam(a), famā ja‘alallāhu lakum ‘alaihim sabīlā(n).
[90] Kajaba jalma-jalma (kapir) anu ménta panyalindungan ka hiji kaom anu antara aranjeun jeung éta kaom téh geus aya perjangjian (daméi. Atuh éta jalma anu ménta panyalindungan téh ulah ditawan jeung ulah dipaéhan), 212 atawa (kitu deui) jalma-jalma (kapir) anu datang ka aranjeun sedengkeun haténa ngarasa beurat merangan aranjeun sarta (beurat) merangan kaomna, 213 Padahal lamun Allah ngersakeun, tangtu Mantenna maparin kakawasaan ka maranéhna (pikeun) ngalawan aranjeun, tangtu maranéhna (bakal) bisa merangan aranjeun. Tapi, lamun maranéhna ngantep ka aranjeun jeung henteu merangan aranjeun, malah nawarkeun perdaméan ka aranjeun (nyerah), atuh Allah ogé moal maparin jalan ka aranjeun pikeun (merangan jeung maéhan) maranéhna.
212) Ayat ieu jadi dasar pikeun hukum suaka (ménta panyalindungan). 213) Henteu mihak ka mana baé, sarta geus ngayakeun perjangjian kerja sama jeung kaom muslimin.

سَتَجِدُوْنَ اٰخَرِيْنَ يُرِيْدُوْنَ اَنْ يَّأْمَنُوْكُمْ وَيَأْمَنُوْا قَوْمَهُمْ ۗ كُلَّ مَا رُدُّوْٓا اِلَى الْفِتْنَةِ اُرْكِسُوْا فِيْهَا ۚ فَاِنْ لَّمْ يَعْتَزِلُوْكُمْ وَيُلْقُوْٓا اِلَيْكُمُ السَّلَمَ وَيَكُفُّوْٓا اَيْدِيَهُمْ فَخُذُوْهُمْ وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ ۗ وَاُولٰۤىِٕكُمْ جَعَلْنَا لَكُمْ عَلَيْهِمْ سُلْطٰنًا مُّبِيْنًا ࣖ٩١
Satajidūna akharīna yurīdūna ay ya'manūkum wa ya'manū qaumahum, kullamā ruddū ilal-fitnati urkisū fīhā, fa illam ya‘tazilūkum wa yulqū ilaikumus-salama wa yakuffū aidiyahum fa khużūhum waqtulūhum ḥaiṡu ṡaqiftumūhum, wa ulā'ikum ja‘alnā lakum ‘alaihim sulṭānam mubīnā(n).
[91] Engké aranjeun bakal manggih (golongan-golongan) séjénna anu miharep supaya maranéhna hirup aman bareng jeung aranjeun jeung aman (ogé) ti kaomna. Saban-saban maranéhna diajak (ku kaomna balik deui) kana pitnah (kamusrikan jeung kadorakaan), maranéhna nedunan kana éta pangajak. Ku kituna, lamun maranéhna henteu ngantep (ka aranjeun), henteu nawarkeun perdaméan ka aranjeun, jeung henteu nahan leungeunna (tina merangan aranjeun), prak baé geura tawan jeung paéhan maranéhna téh di mana baé aranjeun manggihanana. Nya maranéhna pisan anu Kami geus méré alesan anu nyata keur aranjeun pikeun (nawan jeung maéhan) maranéhna.

وَمَا كَانَ لِمُؤْمِنٍ اَنْ يَّقْتُلَ مُؤْمِنًا اِلَّا خَطَـًٔا ۚ وَمَنْ قَتَلَ مُؤْمِنًا خَطَـًٔا فَتَحْرِيْرُ رَقَبَةٍ مُّؤْمِنَةٍ وَّدِيَةٌ مُّسَلَّمَةٌ اِلٰٓى اَهْلِهٖٓ اِلَّآ اَنْ يَّصَّدَّقُوْا ۗ فَاِنْ كَانَ مِنْ قَوْمٍ عَدُوٍّ لَّكُمْ وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَتَحْرِيْرُ رَقَبَةٍ مُّؤْمِنَةٍ ۗوَاِنْ كَانَ مِنْ قَوْمٍۢ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَهُمْ مِّيْثَاقٌ فَدِيَةٌ مُّسَلَّمَةٌ اِلٰٓى اَهْلِهٖ وَتَحْرِيْرُ رَقَبَةٍ مُّؤْمِنَةٍ ۚ فَمَنْ لَّمْ يَجِدْ فَصِيَامُ شَهْرَيْنِ مُتَتَابِعَيْنِۖ تَوْبَةً مِّنَ اللّٰهِ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًا٩٢
Wa mā kāna limu'minin ay yaqtula mu'minan illā khaṭa'ā(n), wa man qatala mu'minan khaṭa'an fa taḥrīru raqabatim mu'minatiw wa diyatum musallamatun ilā ahlihī illā ay yaṣṣaddaqū, fa in kāna min qaumim bainakum wa bainahum mīṡāqun fa diyatum musallamatun ilā ahlihī wa taḥrīru raqabatim mu'minah(tin), famal lam yajid fa ṣiyāmu syahraini mutatābi‘aini taubatam minallāh(i), wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[92] Teu pantes pikeun jalma mu’min maéhan mu’min (séjénna) deui, kajaba lantaran kaliru (teu ngahaja). Saha baé anu maéhan mu’min lantaran teu ngahaja, manéhna kudu ngamerdékakeun saurang abid anu mu’min jeung (mayar) tebusan anu dipasrahkeun ka kulawarga (anu dipaéhan), kajaba lamun maranéhna (kulawarga anu dipaéhan) ngabébaskeun tebusan. Lamun manéhna (anu dipaéhan) ti kaom anu ngamusuhan aranjeun, bari éta jalma anu dipaéhan téh jalma mu’min, (atuh wajib pikeun jalma anu maéhanana) ngamerdékakeun abid anu mu’min. Lamun éta anu dipaéhan téh bagian ti kaom (kapir) anu boga perjangjian (daméi) antara maranéhna jeung aranjeun, (wajib pikeun anu maéhanana) mayar tebusan anu dipasrahkeun ka kulawarga anu dipaéhan jeung (wajib) ngamerdékakeun abid anu mu’min. Tapi saha baé anu teu manggih (teu sanggup mayar tebusan jeung ngamerdékakeun abid anu mu’min), manéhna (kudu) puasa dua bulan terus-terusan minangka (katangtuan) cara tobat ti Allah. Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَمَنْ يَّقْتُلْ مُؤْمِنًا مُّتَعَمِّدًا فَجَزَاۤؤُهٗ جَهَنَّمُ خَالِدًا فِيْهَا وَغَضِبَ اللّٰهُ عَلَيْهِ وَلَعَنَهٗ وَاَعَدَّ لَهٗ عَذَابًا عَظِيْمًا٩٣
Wa may yaqtul mu'minam muta‘ammidan fa jazā'uhū jahannamu khālidan fīhā wa gaḍiballāhu ‘alaihi wa la‘anahū wa a‘adda lahū ‘ażāban ‘aẓīmā(n).
[93] Saha baé anu maéhan jalma mu’min kalayan ngahaja, atuh wawalesna téh naraka Jahanam bari bakal langgeng di jerona. Allah ogé (tangtu) bendu ka manéhna, ngala’nat ka manéhna, sarta nyadiakeun siksaan anu kacida beuratna pikeun manéhna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا ضَرَبْتُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ فَتَبَيَّنُوْا وَلَا تَقُوْلُوْا لِمَنْ اَلْقٰىٓ اِلَيْكُمُ السَّلٰمَ لَسْتَ مُؤْمِنًاۚ تَبْتَغُوْنَ عَرَضَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۖفَعِنْدَ اللّٰهِ مَغَانِمُ كَثِيْرَةٌ ۗ كَذٰلِكَ كُنْتُمْ مِّنْ قَبْلُ فَمَنَّ اللّٰهُ عَلَيْكُمْ فَتَبَيَّنُوْاۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرًا٩٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā ḍarabtum fī sabīlillāhi fa tabayyanū wa lā taqūlū liman alqā ilaikumus-salāma lasta mu'minā(n), tabtagūna ‘araḍal-ḥayātid-dun-yā, fa ‘indallāhi magānimu kaṡīrah(tun), każālika kuntum min qablu fa mannallāhu ‘alaikum fa tabayyanū, innallāha kāna bimā ta‘malūna khabīrā(n).
[94] Hé jalma-jalma anu iman, upama aranjeun indit (perang) dina jalan Allah, prak tabayyun (néangan kajelasan saha anu bakal diperangan) jeung kahadé ulah nyebutkeun ka jalma anu méré salam ka aranjeun, “Manéh mah lain jalma mu’min,” 214 (terus aranjeun maéhan manéhna) kalawan maksud ngalap banda kahirupan dunya, sabab di mungguhing Allah disadiakeun harta banda anu loba. Nya saperti kitu pisan kaayaan aranjeun basa baheula mah, 215 tuluy Allah maparin ni’mat-Na ka aranjeun. Ku sabab kitu, atuh taliti (heula ku aranjeun). Saleresna Allah mah uninga kana sakabéh anu dipilampah ku aranjeun.
214) Anu dimaksud nyaéta jalma anu geus ngaikrarkeun kalimah lā ilāha illā-llāh. 215) Nyaéta waktu éta jalma can nembrakkeun kaislamanana di hareupeun balaréa. Baheula ogé aranjeun téh apan kungsi ngalaman kaayaan saperti kitu.

لَا يَسْتَوِى الْقٰعِدُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ غَيْرُ اُولِى الضَّرَرِ وَالْمُجٰهِدُوْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْۗ فَضَّلَ اللّٰهُ الْمُجٰهِدِيْنَ بِاَمْوَالِهِمْ وَاَنْفُسِهِمْ عَلَى الْقٰعِدِيْنَ دَرَجَةً ۗ وَكُلًّا وَّعَدَ اللّٰهُ الْحُسْنٰىۗ وَفَضَّلَ اللّٰهُ الْمُجٰهِدِيْنَ عَلَى الْقٰعِدِيْنَ اَجْرًا عَظِيْمًاۙ٩٥
Lā yastawil-qā‘idūna minal-mu'minīna gairu uliḍ-ḍarari wal-mujāhidūna fī sabīlillāhi bi'amwālihim wa anfusihim, faḍḍalallāhul-mujāhidīna bi amwālihim wa anfusihim ‘alal-qā‘idīna darajah(tan), wa kullaw wa‘adallāhul-ḥusnā, wa faḍḍalallāhul-mujāhidīna ‘alal-qā‘idīna ajran ‘aẓīmā(n).
[95] Henteu sarua antara jalma-jalma mu’min anu cicing (di imah jeung teu milu perang) bari henteu aya halangan jeung jalma-jalma anu jihad dina jalan Allah ku harta jeung jiwana. Allah ngaleuwihkeun darajat jalma-jalma anu jihad ku harta jeung ku jiwana tibatan jalma-jalma anu cicing (teu ngilu perang kalawan tanpa halangan). Ka masing-masing (golongan) Allah ngajangjikeun (ganjaran) anu panghadéna (sawarga), (tapi) Allah ngaleuwihken pikeun jalma anu jihad tibatan jalma-jalma anu cicing (teu milu perang) ku ganjaran anu gedé.

دَرَجٰتٍ مِّنْهُ وَمَغْفِرَةً وَّرَحْمَةً ۗوَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا ࣖ٩٦
Darajātim minhu wa magfirataw wa raḥmah(tan), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[96] (Nyaéta) sababaraha darajat ti Mantenna sarta pangampura jeung rahmat. Allah mah Maha Ngahapunten (tur) Mahawelas.

اِنَّ الَّذِيْنَ تَوَفّٰىهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ ظَالِمِيْٓ اَنْفُسِهِمْ قَالُوْا فِيْمَ كُنْتُمْ ۗ قَالُوْا كُنَّا مُسْتَضْعَفِيْنَ فِى الْاَرْضِۗ قَالُوْٓا اَلَمْ تَكُنْ اَرْضُ اللّٰهِ وَاسِعَةً فَتُهَاجِرُوْا فِيْهَا ۗ فَاُولٰۤىِٕكَ مَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُ ۗ وَسَاۤءَتْ مَصِيْرًاۙ٩٧
Innal-lażīna tawaffāhumul-malā'ikatu ẓālimī anfusihim qālū fīma kuntum, qālū kunnā mustaḍ‘afīna fil-arḍ(i), qālū alam takun arḍullāhi wāsi‘atan fa tuhājirū fīhā, fa ulā'ika ma'wāhum jahannam(u), wa sā'at maṣīrā(n).
[97] Sabenerna jalma-jalma anu dicabut nyawana ku malaikat bari maranéhna keur ngadoliman dirina sorangan, 216 mangka para malaikat nanya (kieu), “Kumaha kaayaan maranéhna (harita téh)?” Maranéhna ngajawab, “Abdi sadaya téh jalma-jalma nu dikaniaya di ieu bumi (Mekah).” Para malaikat nanya deui, “Naha apan bumi Allah téh lega. Ku naon maranéhna teu hijrah ka éta bumi?” Mangka, tempat maranéhna téh Jahanam jeung éta (Jahanam) téh panggoréng-goréngna tempat mulang,
216) Sabagian kaom muslimin Mekah henteu daék milu hijrah sareng Nabi Saw., padahal maranéhna kawasa pikeun ngalakukeunana. Terus maranéhna dianiyaya jeung dipaksa ku jalma-jalma kapir pikeun ngilu kana Perang Badar. Akhirna ti antara maranéhna aya anu perlaya (kakeunaan panah) dina éta perang.

اِلَّا الْمُسْتَضْعَفِيْنَ مِنَ الرِّجَالِ وَالنِّسَاۤءِ وَالْوِلْدَانِ لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ حِيْلَةً وَّلَا يَهْتَدُوْنَ سَبِيْلًاۙ٩٨
Illal-mustaḍ‘afīna minar-rijāli wan-nisā'i wal-wildāni lā yastaṭī‘ūna ḥīlataw wa lā yahtadūna sabīlā(n).
[98] kajaba jalma-jalma anu dikaniaya ti (golongan) lalaki, awéwé, tur barudak anu teu daya teu upaya jeung henteu meunang pituduh jalan (pikeun hijrah),

فَاُولٰۤىِٕكَ عَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّعْفُوَ عَنْهُمْ ۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَفُوًّا غَفُوْرًا٩٩
Fa ulā'ika ‘asallāhu ay ya‘fuwa ‘anhum, wa kānallāhu ‘afuwwan gafūrā(n).
[99] (pikeun) maranéhna mudah-mudahan baé Allah ngahampura dosa-dosana. Allah mah Maha Maparin-pangampura (tur) Maha Jembar- pangapunten.

۞ وَمَنْ يُّهَاجِرْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ يَجِدْ فِى الْاَرْضِ مُرٰغَمًا كَثِيْرًا وَّسَعَةً ۗوَمَنْ يَّخْرُجْ مِنْۢ بَيْتِهٖ مُهَاجِرًا اِلَى اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ ثُمَّ يُدْرِكْهُ الْمَوْتُ فَقَدْ وَقَعَ اَجْرُهٗ عَلَى اللّٰهِ ۗوَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا ࣖ١٠٠
Wa may yuhājir fī sabīlillāhi yajid fil-arḍi murāgaman kaṡīraw wa sa‘ah(tan), wa may yakhruj mim baitihī muhājiran ilallāhi wa rasūlihī ṡumma yudrik-hul-mautu faqad waqa‘a ajruhū ‘alallāh(i), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[100] Saha baé anu hijrah dina jalan Allah, tangtu bakal meunang di ieu bumi tempat hijrah anu loba tur kalaluasaan (rejeki). Saha baé ogé anu kaluar ti imahna kalayan maksud hijrah ka Allah jeung ka Rasul-Na, tuluy ajal nepungan ka manéhna (saméméh nepi ka tempat tujuan), atuh sabenerna ganjaranana geus ditetepkeun di mungguhing Allah. Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَاِذَا ضَرَبْتُمْ فِى الْاَرْضِ فَلَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ اَنْ تَقْصُرُوْا مِنَ الصَّلٰوةِ ۖ اِنْ خِفْتُمْ اَنْ يَّفْتِنَكُمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ اِنَّ الْكٰفِرِيْنَ كَانُوْا لَكُمْ عَدُوًّا مُّبِيْنًا١٠١
Wa iżā ḍarabtum fil-arḍi fa laisa ‘alaikum junāḥun an taqṣurū minaṣ-ṣalāh(ti), in khiftum ay yaftinakumul-lażīna kafarū, innal-kāfirīna kānū lakum ‘aduwwam mubīnā(n).
[101] Lamun aranjeun iinditan di ieu bumi, atuh henteu matak dosa ngaringkes (qaṣr) 217 salat lamun aranjeun sieun diganggu ku jalma-jalma kapir. Sabenerna jalma-jalma kapir téh musuh anu nyata pikeun aranjeun.
217) Nurutkeun pendapat jumhur (umum), ari ma’na qasr di dieu mah nyaéta ngadegkeun salat anu opat rakaat jadi dua rokaat.

وَاِذَا كُنْتَ فِيْهِمْ فَاَقَمْتَ لَهُمُ الصَّلٰوةَ فَلْتَقُمْ طَاۤىِٕفَةٌ مِّنْهُمْ مَّعَكَ وَلْيَأْخُذُوْٓا اَسْلِحَتَهُمْ ۗ فَاِذَا سَجَدُوْا فَلْيَكُوْنُوْا مِنْ وَّرَاۤىِٕكُمْۖ وَلْتَأْتِ طَاۤىِٕفَةٌ اُخْرٰى لَمْ يُصَلُّوْا فَلْيُصَلُّوْا مَعَكَ وَلْيَأْخُذُوْا حِذْرَهُمْ وَاَسْلِحَتَهُمْ ۚ وَدَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْ تَغْفُلُوْنَ عَنْ اَسْلِحَتِكُمْ وَاَمْتِعَتِكُمْ فَيَمِيْلُوْنَ عَلَيْكُمْ مَّيْلَةً وَّاحِدَةً ۗوَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ اِنْ كَانَ بِكُمْ اَذًى مِّنْ مَّطَرٍ اَوْ كُنْتُمْ مَّرْضٰٓى اَنْ تَضَعُوْٓا اَسْلِحَتَكُمْ وَخُذُوْا حِذْرَكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ اَعَدَّ لِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابًا مُّهِيْنًا١٠٢
Wa iżā kunta fīhim fa aqamta lahumuṣ-ṣalāta faltaqum ṭā'ifatum minhum ma‘aka walya'khużū asliḥatahum, fa iżā sajadū falyakūnū miw warā'ikum, walta'ti ṭā'ifatun ukhrā lam yuṣallū falyuṣallū ma‘aka walya'khużū ḥiżrahum wa asliḥatahum, waddal-lażīna kafarū lau tagfulūna ‘an asliḥatakum wa amti‘atikum, fa yamīlūna ‘alaikum mailataw wāḥidah(tan), wa lā junāḥa ‘alaikum in kāna bikum ażam mim maṭarin au kuntum marḍā an taḍa‘ū asliḥatakum wa khużū ḥiżrakum, innallāha a‘adda lil-kāfirīna ‘ażābam muhīnā(n).
[102] Lamun hidep (Muhammad) aya di tengah-tengah aranjeunna (kaom muslimin bari sieun diganggu ku jalma-jalma kapir), tuluy hidep rék gadegkeun salat (khauf) jeung aranjeunna, prak sagolongan ti antara aranjeunna sina ngadeg (salat) bareng jeung hidep bari mawa pakarang-pakarangna. Tuluy lamun aranjeunna (anu salat jeung hidep) geus sujud (nyampurnakeun saraka’at), 218 pék aranjeunna sina pindah ti satukangeun hidep (pikeun nyanghareup ka musuh), 219 terus prak anu sagolongan deui anu tacan salat sina datang, sina salat (ngama’mun) ka hidep (dina raka’at ka dua), sarta aranjeunna kudu mawa pakarang-pakarangna. Jalma-jalma kapir miharep pisan sangkan aranjeun talédor kana pakarang jeung harta banda aranjeun nepi ka maranéhna bisa nyerang ka aranjeun kalayan sakaligus. (Tapi) henteu matak jadi dosa keur aranjeun nunda pakarang-pakarang lamun boga kasusah (halangan), boh ku sabab hujan boh ku sabab keur gering, tapi tetep baé aranjeun kudu taki-taki. 220 Saleresna Allah geus nyadiakeun siksaan anu ngahinakeun pike(...)
218) Nurutkeun kalolobaan ahli tapsir, lamun geus réngsé sarokaat, maka kudu méréskeun sarokaat deui séwang-séwangan (munfarid), sedengkeun Nabi Saw. nungguan golongan kadua (anu acan salat khauf berjamaah) 219) Raka’at kahiji, sedengkeun rakaat kadua dibérékseun ku maranéhna sorangan-sorangan, tapi maranéhna nutup (ngarengsékeun) salat mah babarengan sareng kangjeng Nabi Saw. 220) Cara salat khauf saperti dijelaskeun dina ayat 102 bisa dilaksanakeun dina kaayaan anu masih mungkin pikeun ngalaksanakeunana. Lamun henteu mungkin pikeun ngalaksanakeunana, maka salat dilakukeun sabisana baé, sanajan ngan saukur ngucapkeun takbir atawa tasbéh wungkul.

فَاِذَا قَضَيْتُمُ الصَّلٰوةَ فَاذْكُرُوا اللّٰهَ قِيَامًا وَّقُعُوْدًا وَّعَلٰى جُنُوْبِكُمْ ۚ فَاِذَا اطْمَأْنَنْتُمْ فَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ ۚ اِنَّ الصَّلٰوةَ كَانَتْ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ كِتٰبًا مَّوْقُوْتًا١٠٣
Fa iżā qaḍaitumuṣ-ṣalāta fażkurullāha qiyāmaw wa qu‘ūdaw wa ‘alā junūbikum, fa iżaṭma'nantum fa aqīmuṣ-ṣalāh(ta), innaṣ-ṣalāta kānat ‘alal-mu'minīna kitābam mauqūtā(n).
[103] Saterusna lamun aranjeun geus ngaréngsékeun salat, geura dikir ka Allah (éling tur nyebat Mantenna) waktu nangtung, waktu diuk, atawa waktu ngagolér. Terus lamun aranjeun geus ngarasa aman, pék adegkeun éta salat (sakumaha biasa kalayan sampurna). Sabenerna salat téh mangrupakeun kawajiban pikeun jalma-jalma anu iman anu geus ditangtungkeun waktuna.

وَلَا تَهِنُوْا فِى ابْتِغَاۤءِ الْقَوْمِ ۗ اِنْ تَكُوْنُوْا تَأْلَمُوْنَ فَاِنَّهُمْ يَأْلَمُوْنَ كَمَا تَأْلَمُوْنَ ۚوَتَرْجُوْنَ مِنَ اللّٰهِ مَا لَا يَرْجُوْنَ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًا ࣖ١٠٤
Wa lā tahinū fibtigā'il-qaum(i), in takūnū ta'lamūna fa innahum ya'lamūna kamā ta'lamūn(a), wa tarjūna minallāhi mā lā yarjūn(a), wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[104] Kadé aranjeun ulah ngarasa héngkér dina ngudag éta kaom (musuh aranjeun). Lamun aranjeun nandangan kasakit (gering), saenyana maranéhna ogé sarua baé nandangan kasakit saperti aranjeun. Ngan aranjeun mah masih bisa ngarep-ngarep ti Allah naon (ganjaran) anu teu bisa diharepkeun ku maranéhna. Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

اِنَّآ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ لِتَحْكُمَ بَيْنَ النَّاسِ بِمَآ اَرٰىكَ اللّٰهُ ۗوَلَا تَكُنْ لِّلْخَاۤىِٕنِيْنَ خَصِيْمًا ۙ١٠٥
Innā anzalnā ilaikal-kitāba bil-ḥaqqi litaḥkuma bainan-nāsi bimā arākallāh(u), wa lā takun lil-khā'inīna khaṣīmā(n).
[105] Sabenerna Kami geus nurunkeun Kitab Suci (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) kalayan ḥaq (bener tur mawa bebeneran), sangkan hidep mutuskeun (perkara) di antara manusa ku perkara anu geus diajarkeun ku Allah ka hidep. Poma hidep ulah ngamusuhan (jalma anu teu salah) lantaran (ngabélaan) jalma-jalma anu hianat. 221
221) Ieu ayat tur sababaraha ayat anu saterusna patula-patali jeung kasus “maok” anu dilakukeun ku Tu’mah. Hasil maokna ku manéhna ditunda di hiji imah urang Yahudi. Tu’mah nolak ngaku kana lalampahanana, malahan nyieun pitnah yén anu maokna téh nyaéta urang Yahudi. Hal ieu didugikeun ka Nabi Saw. ku kulawargi Tu’mah. Maranéhna meredih ka kangjeng Nabi supaya ngabéla Tu’mah sarta supaya ngahukum urang Yahudi, sanajan maranéhna sebenerna mah apaleun yén anu nyolongna téh nyaéta Tu’mah. Ampir-ampiran Nabi Saw. ngabéla Tu’mah tur rék nibankeun hukuman ka urang Yahudi. Ku kituna, ayat ieu turun pikeun jadi pituduh pikeun anjeunna jeung umat Islam supaya ngahukuman hiji perkara kalayan adil.

وَّاسْتَغْفِرِ اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًاۚ١٠٦
Wastagfirillāh(a), innallāha kāna gafūrar raḥīmā(n).
[106] Pék suhunkeun pangampura ka Allah. Saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَلَا تُجَادِلْ عَنِ الَّذِيْنَ يَخْتَانُوْنَ اَنْفُسَهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ مَنْ كَانَ خَوَّانًا اَثِيْمًاۙ١٠٧
Wa lā tujādil ‘anil-lażīna yakhtānūna anfusahum, innallāha lā yuḥibbu man kāna khawwānan aṡīmā(n).
[107] Poma hidep ulah ngadébat pikeun (ngabéla) jalma-jalma anu geus hianat kana dirina sorangan. Saleresna Allah henteu mikaresep ka jalma-jalma tukang hianat tur lumokot ku dosa.

يَّسْتَخْفُوْنَ مِنَ النَّاسِ وَلَا يَسْتَخْفُوْنَ مِنَ اللّٰهِ وَهُوَ مَعَهُمْ اِذْ يُبَيِّتُوْنَ مَا لَا يَرْضٰى مِنَ الْقَوْلِ ۗ وَكَانَ اللّٰهُ بِمَا يَعْمَلُوْنَ مُحِيْطًا١٠٨
Yastakhfūna minan-nāsi wa lā yastakhfūna minallāhi wa huwa ma‘ahum iż yubayyitūna mā lā yarḍā minal-qaul(i), wa kānallāhu bimā ya‘malūna muḥīṭā(n).
[108] Maranéhna bisa baé nyumput ti manusa, tapi moal bisaeun nyumput ti Allah. Mantenna téh marengan (ngawas ka) maranéhna waktu dina hiji peuting maranéhna netepkeun kaputusan rasiah anu teu dipikarido ku Mantenna. Apan Allah mah Maha Ngawengku (élmu-Na) ka sakabéh anu dipilampah ku maranéhna.

هٰٓاَنْتُمْ هٰٓؤُلَاۤءِ جَادَلْتُمْ عَنْهُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۗ فَمَنْ يُّجَادِلُ اللّٰهَ عَنْهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ اَمْ مَّنْ يَّكُوْنُ عَلَيْهِمْ وَكِيْلًا١٠٩
Hā'antum hā'ulā'i jādaltum ‘anhum fil-ḥayātid-dun-yā, famay yujādilullāha ‘anhum yaumal-qiyāmati am may yakūnu ‘alaihim wakīlā(n).
[109] Tah kitu geuning aranjeun mah (hai kaom mu’min)! Aranjeun ngadon ngadébat pikeun (mélaan) maranéhna (golongan nu hianat) dina kahirupan dunya. Sok saha nu rék wani ngadébat ka Allah pikeun (mélaan) maranéhna dina Poé Kiamat? Atawa saha nu rék jadi panangtayung maranéhna (tina siksaan Allah)?

وَمَنْ يَّعْمَلْ سُوْۤءًا اَوْ يَظْلِمْ نَفْسَهٗ ثُمَّ يَسْتَغْفِرِ اللّٰهَ يَجِدِ اللّٰهَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا١١٠
Wa may ya‘mal sū'an au yaẓlim nafsahū ṡumma yastagfirillāha yajidillāha gafūrar raḥīmā(n).
[110] Saha baé jalma anu milampah kagoréngan (ka nu séjén) atawa ngadoliman ka dirina sorangan, terus ménta pangampura ka Allah, tangtu manéhna bakal manggihan yén Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَمَنْ يَّكْسِبْ اِثْمًا فَاِنَّمَا يَكْسِبُهٗ عَلٰى نَفْسِهٖ ۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًا١١١
Wa may yaksib iṡman fa innamā yaksibuhū ‘alā nafsih(ī),wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[111] Saha baé jalma anu migawé dosa, sabenerna manéhna ngalakukeun éta dosa anu (akibatna) ngarugikeun dirina sorangan. Apan Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

وَمَنْ يَّكْسِبْ خَطِيْۤـَٔةً اَوْ اِثْمًا ثُمَّ يَرْمِ بِهٖ بَرِيْۤـًٔا فَقَدِ احْتَمَلَ بُهْتَانًا وَّاِثْمًا مُّبِيْنًا ࣖ١١٢
Wa may yaksib khaṭī'atan au iṡman ṡumma yarmi bihī barī'an fa qadiḥtamala buhtānaw wa iṡmam mubīnā(n).
[112] Saha baé jalma anu migawé kasalahan atawa dosa, tuluy neumbleuhkeun ka jalma anu teu salah, atuh sabenerna manéhna téh geus nanggung hiji kabohongan jeung dosa anu nyata.

وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكَ وَرَحْمَتُهٗ لَهَمَّتْ طَّاۤىِٕفَةٌ مِّنْهُمْ اَنْ يُّضِلُّوْكَۗ وَمَا يُضِلُّوْنَ اِلَّآ اَنْفُسَهُمْ وَمَا يَضُرُّوْنَكَ مِنْ شَيْءٍ ۗ وَاَنْزَلَ اللّٰهُ عَلَيْكَ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَعَلَّمَكَ مَا لَمْ تَكُنْ تَعْلَمُۗ وَكَانَ فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكَ عَظِيْمًا١١٣
Wa lau lā faḍlullāhi ‘alaika wa raḥmatuhū lahammaṭ-ṭā'ifatum minhum ay yuḍillūk(a), wa mā yuḍillūna illā anfusahum wa mā yaḍurrūnaka min syai'(in), wa anzalallāhu ‘alaikal-kitāba wal-ḥikmata wa ‘allamaka mā lam takun ta‘lam(u), wa kāna faḍlullāhi ‘alaika ‘aẓīmā(n).
[113] Lamun lain ku lantaran kurnia jeung rahmat Allah ka hidep (Muhammad), tangtu sagolongan ti antara maranéhna (jalma-jalma munapék) miharep pisan pikeun nyasarkeun hidep. Ngan maranéhna saukur nyasarkeun dirina sorangan jeung henteu ngabahayakeun ka hidep saeutik ogé. (Ogé ku sabab) Allah geus nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) sareng hikmah (Sunnah) ka hidep, jeung geus ngajarkeun ka hidep naon anu teu acan kauninga ku hidep. Kurnia Allah anu dipasihkeun ka hidep téh kacida pisan ageungna.

۞ لَا خَيْرَ فِيْ كَثِيْرٍ مِّنْ نَّجْوٰىهُمْ اِلَّا مَنْ اَمَرَ بِصَدَقَةٍ اَوْ مَعْرُوْفٍ اَوْ اِصْلَاحٍۢ بَيْنَ النَّاسِۗ وَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ ابْتِغَاۤءَ مَرْضَاتِ اللّٰهِ فَسَوْفَ نُؤْتِيْهِ اَجْرًا عَظِيْمًا١١٤
Lā khaira fī kaṡīrim min najwāhum illā man amara biṣadaqatin au ma‘rūfin au iṣlāḥim bainan-nās(i), wa may yaf‘al żālikabtigā'a marḍātillāhi fa saufa nu'tīhi ajran ‘aẓīmā(n).
[114] Teu aya kahadéanana dina kalolobaan caritaan rasiah maranéhna (manusa) téh, kajaba (caritaan rasiah) jalma anu maréntah pikeun sidekah, atawa (nyieun) kahadéan, atawa ngaislahkeun di antara jalma-jalma (anu keur paséa). Saha baé anu milampah éta pagawéan lantaran miharep karidoan Allah, atuh Kami bakal méré ka manéhna ganjaran nu kacida gedéna.

وَمَنْ يُّشَاقِقِ الرَّسُوْلَ مِنْۢ بَعْدِ مَا تَبَيَّنَ لَهُ الْهُدٰى وَيَتَّبِعْ غَيْرَ سَبِيْلِ الْمُؤْمِنِيْنَ نُوَلِّهٖ مَا تَوَلّٰى وَنُصْلِهٖ جَهَنَّمَۗ وَسَاۤءَتْ مَصِيْرًا ࣖ١١٥
Wa may yusyāqiqir-rasūla mim ba‘di mā tabayyana lahul-hudā wa yattabi‘ gaira sabīlil-mu'minīna nuwallihī mā tawallā wa nuṣlihī jahannam(a), wa sā'at maṣīrā(n).
[115] Saha baé anu ngabantah ka Rasul (Muhammad) sanggeus jelas bebeneran pikeun manéhna jeung nuturkeun jalan anu lain jalanna jalma-jalma nu iman, atuh Kami bakal ngantepkeun manéhna dina kasasaran tuluy ku Kami bakal diasupkeun ka jero naraka Jahanam. Éta téh panggoréng-goréngna tempat mulang.

اِنَّ اللّٰهَ لَا يَغْفِرُ اَنْ يُّشْرَكَ بِهٖ وَيَغْفِرُ مَا دُوْنَ ذٰلِكَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ ۗ وَمَنْ يُّشْرِكْ بِاللّٰهِ فَقَدْ ضَلَّ ضَلٰلًا ۢ بَعِيْدًا١١٦
Innallāha lā yagfiru ay yusyraka bihī wa yagfiru mā dūna żālika limay yasyā'(u), wa may yusyrik billāhi faqad ḍalla ḍalālam ba‘īdā(n).
[116] Sabenerna Allah moal ngahampura kana (dosa) ku lantaran sirik (nyarékatkeun Allah jeung nu lian), tapi Mantenna bakal ngahampura kana dosa salian ti sirik pikeun saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Saha baé jalma anu musrik ka Allah, sabenerna manéhna téh geus sasar nu kacida jauhna.

اِنْ يَّدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖٓ اِلَّآ اِنٰثًاۚ وَاِنْ يَّدْعُوْنَ اِلَّا شَيْطٰنًا مَّرِيْدًاۙ١١٧
Iy yad‘ūna min dūnihī illā ināṡā(n), wa iy yad‘ūna illā syaiṭānam marīdā(n).
[117] Anu disembah ku maranéhna salian ti Allah téh teu aya lian iwal saukur berhala 222 jeung (ku nyembahna éta berhala téh) maranéhna (dina hakékatna mah) teu aya lian iwal saukur nyembah sétan nu doraka.
222) Asal ma’na ināṡā nyaéta awéwé-awéwé. Patung-patung berhala anu disembah ku bangsa Arab saméméh datangna Islam biasana dibéré ngaran saperti Latta, Ujja, Manat, jeung sajabana. Makna anu kuweng ku kecap ināṡā ogé kaasup jalma-jalma nu geus maot, banda-banda anu teu aya jinisna, jeung banda-banda anu laip.

لَّعَنَهُ اللّٰهُ ۘ وَقَالَ لَاَتَّخِذَنَّ مِنْ عِبَادِكَ نَصِيْبًا مَّفْرُوْضًاۙ١١٨
La‘anahullāh(u), wa qāla la'attakhiżanna min ‘ibādika naṣībam mafrūḍā(n).
[118] Allah (tétéla geus) ngala’nat éta (sétan). Manéhna (sétan téh) ngomong kieu, “Kuring bener-bener bakal mawa ti antara hamba-hamba Gusti (anu héngkér imanna) bagian anu geus ditangtukeun. 223
223) Saban jalma boga poténsi pikeun milampah kahadéan jeung pikeun ngalakukeun kajahatan. Sétan bakal ngagunakeun sakabéh poténsi pikeun ngalakukeun kajahatan supaya bisa nyilakakeun manusa.

وَّلَاُضِلَّنَّهُمْ وَلَاُمَنِّيَنَّهُمْ وَلَاٰمُرَنَّهُمْ فَلَيُبَتِّكُنَّ اٰذَانَ الْاَنْعَامِ وَلَاٰمُرَنَّهُمْ فَلَيُغَيِّرُنَّ خَلْقَ اللّٰهِ ۗوَمَنْ يَّتَّخِذِ الشَّيْطٰنَ وَلِيًّا مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ فَقَدْ خَسِرَ خُسْرَانًا مُّبِيْنًا١١٩
Wa la'uḍillannahum wa la'umanniyannahum wa la'āmurannahum fa layubattikunna āżānal-an‘āmi wa la'āmurannahum fa layugayyirunna khalqallāh(i), wa may yattakhiżisy-syaiṭāna waliyyam min dūnillāhi faqad khasira khusrānam mubīnā(n).
[119] Kuring ogé bener-bener bakal nyasarkeun maranéhna, bakal ngahudangkeun harepan-harepan kosong maranéhna, bakal nitah ka maranéhna supaya neukteuk ceuli sato ingonna (nepi ka maranéhna bener-bener ngalakukeunana), 224 jeung bakal maréntahkeun ka maranéhna sangkan ngarobah ciptaan Allah (nepi ka maranéhna bener-bener ngalakukeunana).” 225 Saha baé jalma anu ngajadikeun sétan jadi papayung (anu nangtayungan) salian ti Allah, manéhna bener-bener geus nandangan karugian anu nyata.
224) Nurutkeun kayakinan urang Arab, saméméh datangna Islam, sasatoan anu dipaké sesembahan ka berhala-berhala téh kudu diteukteuk ceulina heula, jeung sasatoan anu saperti kitu henteu meunang dijadikeun sato tutumpakan sarta henteu meunang digawékeun deui, sarta kudu dileupaskeun deui (ka alam bébas). 225) “Ngarobah ciptaan Allah” di dieu bisa dima’naan “ngarobah anu geus diciptakeun ku Allah saperti ngabiri ingon-ingon”.

يَعِدُهُمْ وَيُمَنِّيْهِمْۗ وَمَا يَعِدُهُمُ الشَّيْطٰنُ اِلَّا غُرُوْرًا١٢٠
Ya‘iduhum wa yumannīhim, wa mā ya‘iduhumusy-syaiṭānu illā gurūrā(n).
[120] (Sétan téh) méré jangji-jangji ka maranéhna jeung (ogé) ngahudangkeun harepan-harepan kosong ka maranéhna. Padahal sétan teu ngajangjikeun ka maranéhna iwal ti saukur tipuan wungkul.

اُولٰۤىِٕكَ مَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُۖ وَلَا يَجِدُوْنَ عَنْهَا مَحِيْصًا١٢١
Ulā'ika ma'wāhum jahannam(u), wa lā yajidūna ‘anhā maḥīṣā(n).
[121] Maranéhna (anu katipu téa) tempatna téh di (naraka) Jahanam jeung moal (bakal) manggihan tempat (lain pikeun) nyingkah ti dinya.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ سَنُدْخِلُهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۗ وَعْدَ اللّٰهِ حَقًّا ۗوَمَنْ اَصْدَقُ مِنَ اللّٰهِ قِيْلًا١٢٢
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti sanudkhiluhum jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā abadā(n), wa‘dallāhi ḥaqqā(n), wa man aṣdaqu minallāhi qīlā(n).
[122] Anapon jalma-jalma anu iman jeung anu milampah amal soléh mah bakal diasupkeun ku Kami ka jero sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari bakal langgeng di dinya salilana. Jangji Allah téh (tangtu) leres. Saha deui anu langkung leres dawuhanana tibatan Allah?

لَيْسَ بِاَمَانِيِّكُمْ وَلَآ اَمَانِيِّ اَهْلِ الْكِتٰبِ ۗ مَنْ يَّعْمَلْ سُوْۤءًا يُّجْزَ بِهٖۙ وَلَا يَجِدْ لَهٗ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًا١٢٣
Laisa bi'amāniyyikum wa lā amāniyyi ahlil-kitāb(i), may ya‘mal sū'ay yujza bih(ī), wa lā yajid lahū min dūnillāhi waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[123] (Ganjaran ti Allah mah) lain (nurut kana) harepan-harepan kosong 226 aranjeun jeung lain (ogé nurut kana) harepan-harepan kosong Ahli Kitab. Saha baé jalma anu ngalakukeun kagoréngan, tangtu manéhna bakal diwales luyu jeung kagorénganana, jeung manéhna moal manggih anu nangtayungan tur anu nulungan salian ti Allah.
226) Aya ahli tapsir anu méré ma’na “aranjeun” di dieu nyaéta kaom muslimin, tapi aya ogé anu ngama’naan kaom musrikin. Maksudna, ganjaran di ahérat mah moal nurut kana lamunan-lamunan atawa pangharepan manusa, tapi luyu jeung katangtuan agama.

وَمَنْ يَّعْمَلْ مِنَ الصّٰلِحٰتِ مِنْ ذَكَرٍ اَوْ اُنْثٰى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَاُولٰۤىِٕكَ يَدْخُلُوْنَ الْجَنَّةَ وَلَا يُظْلَمُوْنَ نَقِيْرًا١٢٤
Wa may ya‘mal minaṣ-ṣāliḥāti min żakarin au unṡā wa huwa mu'minun fa ulā'ika yadkhulūnal-jannata wa lā yuẓlamūna naqīrā(n).
[124] Saha baé anu milampah amal soléh, boh lalaki boh awéwé, sedengkeun anjeunna téh jalma anu iman, mangka bakal asup ka sawarga jeung moal didoliman saeutik ogé.

وَمَنْ اَحْسَنُ دِيْنًا مِّمَّنْ اَسْلَمَ وَجْهَهٗ لِلّٰهِ وَهُوَ مُحْسِنٌ وَّاتَّبَعَ مِلَّةَ اِبْرٰهِيْمَ حَنِيْفًا ۗوَاتَّخَذَ اللّٰهُ اِبْرٰهِيْمَ خَلِيْلًا١٢٥
Wa man aḥsanu dīnam mimman aslama wajhahū lillāhi wa huwa muḥsinuw wattaba‘a millata ibrāhīma ḥanīfā(n), wattakhażallāhu ibrāhīma khalīlā(n).
[125] Saha jalmana anu leuwih alus agamana tibatan jalma anu kalayan ihlas masrahkeun dirina ka Allah, bari manéhna migawé kaalusan jeung nuturkeun agama Ibrahim anu lempeng? Allah geus ngajadikeun Ibrahim salaku kakasih-Na.

وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَكَانَ اللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ مُّحِيْطًا ࣖ١٢٦
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa kānallāhu bikulli syai'im muḥīṭā(n).
[126] Mung kagungan Allah sakabéh anu aya di langit jeung anu aya di bumi. Apan Allah mah Maha Ngawengku (élmu-Na) kana sagala perkara.

وَيَسْتَفْتُوْنَكَ فِى النِّسَاۤءِۗ قُلِ اللّٰهُ يُفْتِيْكُمْ فِيْهِنَّ ۙوَمَا يُتْلٰى عَلَيْكُمْ فِى الْكِتٰبِ فِيْ يَتٰمَى النِّسَاۤءِ الّٰتِيْ لَا تُؤْتُوْنَهُنَّ مَا كُتِبَ لَهُنَّ وَتَرْغَبُوْنَ اَنْ تَنْكِحُوْهُنَّ وَالْمُسْتَضْعَفِيْنَ مِنَ الْوِلْدَانِۙ وَاَنْ تَقُوْمُوْا لِلْيَتٰمٰى بِالْقِسْطِ ۗوَمَا تَفْعَلُوْا مِنْ خَيْرٍ فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِهٖ عَلِيْمًا١٢٧
Wa yastaftūnaka fin-nisā'(i), qulillāhu yuftīkum fīhinn(a), wa mā yutlā ‘alaikum fil-kitābi fī yatāman-nisā'il-lātī lā tu'tūnahunna mā kutiba lahunna wa targabūna an tankiḥūhunna wal-mustaḍ‘afīna minal-wildān(i), wa an taqūmū lil-yatāmā bil-qisṭ(i), wa mā taf‘alū min khairin fa innallāha kāna bihī ‘alīmā(n).
[127] Maranéhna (jalma-jalma) bakal ménta patwa ka hidep (Muhammad) ngeunaan wanoja. Pék béjakeun (ku hidep), “Allah maparin patwa ka aranjeun ngeunaan maranéhna (wanoja). 227 Sakabéh anu dibacakeun ka aranjeun dina Kitab (Al-Qur’an ogé méré patwa) ngeunaan barudak awéwé yatim anu maranéhna teu dibéré naon-naon (maskawin) anu geus ditetepkeun pikeun maranéhna, sedengkeun aranjeun téh hayang ngawin ka maranéhna; 228 jeung ngeunaan barudak anu lemah. (Allah maréntah) sangkan aranjeun ngurus barudak yatim kalayan adil. Kahadéan naon baé anu ku aranjeun dipigawé, saleresna Allah mah Mahauninga (kana éta kahadéan).”
227) Bandingkeun jeung surat al-Nisā/4:2 jeung 3. 228) Nurutkeun kabiasaan bangsa Arab saméméh datangna Islam, wali (bapana atawa dununganana) ngabogaan kakawasaan ngurus jeung ngatur anak awéwé yatim jeung hartana. Lamun éta anak awéwé yatim téh geulis, lalaki Arab sok ngawin éta wanoja jeung ngapimilik hartana. Tapi, lamun éta awéwé teu kaasup geulis mah, walina sok ngahalang-halang lalaki séjén pikeun ngawin éta wanoja, supaya tetep bisa mibanda hartana. Ieu ayat nyegah éta kabiasaan.

وَاِنِ امْرَاَةٌ خَافَتْ مِنْۢ بَعْلِهَا نُشُوْزًا اَوْ اِعْرَاضًا فَلَا جُنَاحَ عَلَيْهِمَآ اَنْ يُّصْلِحَا بَيْنَهُمَا صُلْحًا ۗوَالصُّلْحُ خَيْرٌ ۗوَاُحْضِرَتِ الْاَنْفُسُ الشُّحَّۗ وَاِنْ تُحْسِنُوْا وَتَتَّقُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرًا١٢٨
Wa inimra'atun khāfat mim ba‘lihā nusyūzan au i‘rāḍan falā junāḥa ‘alaihimā ay yuṣliḥā bainahumā ṣulḥā(n), waṣ-ṣulḥu khair(un), wa uḥḍiratil-anfususy-syuḥḥ(a), wa in tuḥsinū wa tattaqū fa innallāha kāna bimā ta‘malūna khabīrā(n).
[128] Lamun hiji wanoja ngahawatirkeun salakina bakal nusyūz 229 atawa teu maliré (ka manéhna), atuh teu matak dosa pikeun duanana lamun rék nyieun perdaméan anu sabenerna 230 di antara maranéhna. Ari perdaméan téh éta leuwih hadé (pikeun maranéhna), sanajan manusa téh nurutkeun tabé’atna mah kacida meditna. 231 Padahal lamun aranjeun ngabebener (sikep ka pamajikan) tur ngajaga diri (tina nusyūz jeung sikap teu miroséa), saleresna Allah mah Mahataliti kana sakabéh nu dipilampah ku aranjeun.
229) Makna kecap nusyūz téh pikeun pihak awéwé mah geus dijelaskeun dina catetan kaki surat al-Nisā/4:34. Ari nusyūz-na ti pihak lalaki mah nyaéta sikep anu heuras (barangasan) ka pamajikanana, teu méré napkah batin tur teu méré hak pamajikan jeung kulawarga. 230) Saperti pamajikanana satuju lamun sababaraha hakna dikurangan, asal salakina daék balik deui. 231) Tabéat manusa mah sok embung mikeun sabagian hakna ka batur kalayan dibarengan haté anu ihlas, sanajan kitu lamun pamajikanana rido mikeun sabagian hakna, mangka salakina meunang pikeun narimana.

وَلَنْ تَسْتَطِيْعُوْٓا اَنْ تَعْدِلُوْا بَيْنَ النِّسَاۤءِ وَلَوْ حَرَصْتُمْ فَلَا تَمِيْلُوْا كُلَّ الْمَيْلِ فَتَذَرُوْهَا كَالْمُعَلَّقَةِ ۗوَاِنْ تُصْلِحُوْا وَتَتَّقُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا١٢٩
Wa lan tastaṭī‘ū an ta‘dilū bainan-nisā'i wa lau ḥaraṣtum falā tamīlū kullal-maili fa tażarūhā kal-mu‘allaqah(ti), wa in tuṣliḥū wa tattaqū fa innallāha kāna gafūrar raḥīmā(n).
[129] Aranjeun sakali-kali moal bisa adil di antara istri-istri (aranjeun) sanajan hayang pisan ngawujudkeunana. Ku sabab kitu, omat atuh ulah condong teuing (ka istri anu dipikacinta téh) nepi ka ngantep nu lianna teu kaurus. Lamun aranjeun nyieun kahadéan tur takwa, saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَاِنْ يَّتَفَرَّقَا يُغْنِ اللّٰهُ كُلًّا مِّنْ سَعَتِهٖۗ وَكَانَ اللّٰهُ وَاسِعًا حَكِيْمًا١٣٠
Wa iy yatafarraqā yugnillāhu kullam min sa‘atih(ī), wa kānallāhu wāsi‘an ḥakīmā(n).
[130] Lamun duanana pepegatan, mangka Allah bakal méré kacukupan ka masing-masing ku (kajembaran) kurnia Mantenna. Apan Allah mah Mahajembar Kurnia-Na (tur) Mahawijaksana.

وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَلَقَدْ وَصَّيْنَا الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِكُمْ وَاِيَّاكُمْ اَنِ اتَّقُوا اللّٰهَ ۗوَاِنْ تَكْفُرُوْا فَاِنَّ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَكَانَ اللّٰهُ غَنِيًّا حَمِيْدًا١٣١
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa laqad waṣṣainal-lażīna ūtul-kitāba min qablikum wa iyyākum anittaqullāh(a), wa in takfurū fa inna lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa kānallāhu ganiyyan ḥamīdā(n).
[131] Mung kagungan Allah sagala rupa anu aya di langit jeung anu aya di bumi. Sabenerna Kami geus méré wasiat ka jalma-jalma nu geus dibéré kitab suci saméméh aranjeun jeung (ogé) ka aranjeun (umat Islam), “Geura takwa ka Allah! Tapi lamun aranjeun ingkar, mangka (pék kanyahokeun ku aranjeun yén) sabenerna kagungan Allah wungkul sagala perkara nu aya di langit jeung nu aya di bumi.” Allah mah Mahabeunghar (tur) Mahapinuji.

وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ وَكِيْلًا١٣٢
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa kafā billāhi wakīlā(n).
[132] Kagungan Allah wungkul sagala perkara anu aya di langit jeung nu aya di bumi. Cukup Allah anu ngaraksa (nangtayungan).

اِنْ يَّشَأْ يُذْهِبْكُمْ اَيُّهَا النَّاسُ وَيَأْتِ بِاٰخَرِيْنَۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى ذٰلِكَ قَدِيْرًا١٣٣
Iy yasya' yużhibkum ayyuhan-nāsu wa ya'ti bi'ākharīn(a), wa kānallāhu ‘alā żālika qadīrā(n).
[133] Lamun Allah ngersakeun, geus pasti Mantenna ngamusnahkeun aranjeun kabéh, hé manusa! Tuluy Mantenna ngadatangkeun deui (umat) lianna (pikeun ngaganti aranjeun). Allah pasti Mahakawasa pikeun (milampah) hal saperti kitu téh.

مَنْ كَانَ يُرِيْدُ ثَوَابَ الدُّنْيَا فَعِنْدَ اللّٰهِ ثَوَابُ الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۗوَكَانَ اللّٰهُ سَمِيْعًاۢ بَصِيْرًا ࣖ١٣٤
Man kāna yurīdu ṡawābad-dun-yā fa ‘indallāhi ṡawābud-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa kānallāhu samī‘am baṣīrā(n).
[134] Saha baé nu miharep ganjaran di dunya, mangka kudu nyaho yén di mungguhing Allah aya ganjaran dunya jeung ganjaran ahérat. Allah mah Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.

۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُوْنُوْا قَوَّامِيْنَ بِالْقِسْطِ شُهَدَاۤءَ لِلّٰهِ وَلَوْ عَلٰٓى اَنْفُسِكُمْ اَوِ الْوَالِدَيْنِ وَالْاَقْرَبِيْنَ ۚ اِنْ يَّكُنْ غَنِيًّا اَوْ فَقِيْرًا فَاللّٰهُ اَوْلٰى بِهِمَاۗ فَلَا تَتَّبِعُوا الْهَوٰٓى اَنْ تَعْدِلُوْا ۚ وَاِنْ تَلْوٗٓا اَوْ تُعْرِضُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرًا١٣٥
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kūnū qawwāmīna bil-qisṭi syuhadā'a lillāhi wa lau ‘alā anfusikum awil-wālidaini wal-aqrabīn(a), iy yakun ganiyyan au faqīran fallāhu aulā bihimā, falā tattabi‘ul-hawā an ta‘dilū, wa in talwū au tu‘riḍū fa innallāha kāna bimā ta‘malūna khabīrā(n).
[135] Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun kudu jadi jalma-jalma nu nanjeurkeun kaadilan tur jadi saksi-saksi karana Allah, sanajan ngeunaan (perkara) diri aranjeun sorangan atawa (perkara) indung-bapa, atawa (perkara anu pakuat-pakait jeung) kulawarga (deukeut). Lamun manéhna (nu disaksian) téh jalma beunghar atawa jalma miskin, Allah mah langkung uninga kana (kahadéan) duanana. Ku sabab kitu, atuh kadé pisan ulah rék nurut kana kahayang hawa napsu ku sabab hayang méngkol (tina bebeneran). Lamun aranjeun muterbalikkeun (ucapan-ucapan) atawa embung jadi saksi, sabenerna Allah mah Mahauninga kana sagala hal anu dipilampah ku aranjeun.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَالْكِتٰبِ الَّذِيْ نَزَّلَ عَلٰى رَسُوْلِهٖ وَالْكِتٰبِ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ مِنْ قَبْلُ ۗوَمَنْ يَّكْفُرْ بِاللّٰهِ وَمَلٰۤىِٕكَتِهٖ وَكُتُبِهٖ وَرُسُلِهٖ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ فَقَدْ ضَلَّ ضَلٰلًا ۢ بَعِيْدًا١٣٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū āminū billāhi wa rasūlihī wal-kitābil-lażī nazzala ‘alā rasūlihī wal-kitābil-lażī anzala min qabl(u), wa may yakfur billāhi wa malā'ikatihī wa kutubihī wa rusulihī wal-yaumil-ākhiri faqad ḍalla ḍalālam ba‘īdā(n).
[136] Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun kudu iman ka Allah, ka Rasul-Na (Muhammad), jeung kana Kitab (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Mantenna ka Rasul-Na, sarta (kudu iman) kana kitab suci anu diturunkeun saméméhna! Saha baé anu ingkar ka Allah, ka para malaikat-Na, kana kitab-kitab-Na, ka rasul-rasul-Na, jeung kana Poé Ahir, sabenerna éta jalma téh geus sasar jauh pisan.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ثُمَّ كَفَرُوْا ثُمَّ اٰمَنُوْا ثُمَّ كَفَرُوْا ثُمَّ ازْدَادُوْا كُفْرًا لَّمْ يَكُنِ اللّٰهُ لِيَغْفِرَ لَهُمْ وَلَا لِيَهْدِيَهُمْ سَبِيْلًاۗ١٣٧
Innal-lażīna āmanū ṡumma kafarū ṡumma āmanū ṡumma kafarū ṡummazdādū kufral lam yakunillāhu liyagfira lahum wa lā liyahdiyahum sabīlā(n).
[137] Sabenerna jalma-jalma nu (geus) iman, (tapi) tuluy ingkar (kapir), tuluy iman deui, tuluy ingkar (kapir) deui, malah tambah-tambah kakapiranana, atuh Allah mah moal ngahampura (kana dosa-dosa) maranéhna, sarta moal méré pituduh ka maranéhna kana jalan (anu lempeng).

بَشِّرِ الْمُنٰفِقِيْنَ بِاَنَّ لَهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًاۙ١٣٨
Basysyiril-munāfiqīna bi'anna lahum ‘ażāban alīmā(n).
[138] Pék geura tepikeun (ancaman) ka jalma-jalma munapék, yén sabenerna maranéhna bakal meunang siksaan anu kacida matak nyerina.

ۨالَّذِيْنَ يَتَّخِذُوْنَ الْكٰفِرِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِ الْمُؤْمِنِيْنَ ۗ اَيَبْتَغُوْنَ عِنْدَهُمُ الْعِزَّةَ فَاِنَّ الْعِزَّةَ لِلّٰهِ جَمِيْعًاۗ١٣٩
Al-lażīna yattakhiżūnal-kāfirīna auliyā'a min dūnil-mu'minīn(a), ayabtagūna ‘indahumul-‘izzata fa innal-‘izzata lillāhi jamī‘ā(n).
[139] (Nyaéta) jalma-jalma nu ngajadikeun jalma-jalma kapir minangka nu nangtayungan, 232 bari ninggalkeun jalma-jalma mu’min. Naha maranéhna téh néangan kakuatan di pihak maranéhna (jalma-jalma kapir)? (Kanyahokeun ku aranjeun yén) sabenerna kakuatan téh sakabéhana ogé kagungan Allah.
232) Tingal catetan kaki surat Āli `Imrān/3:28.

وَقَدْ نَزَّلَ عَلَيْكُمْ فِى الْكِتٰبِ اَنْ اِذَا سَمِعْتُمْ اٰيٰتِ اللّٰهِ يُكْفَرُ بِهَا وَيُسْتَهْزَاُ بِهَا فَلَا تَقْعُدُوْا مَعَهُمْ حَتّٰى يَخُوْضُوْا فِيْ حَدِيْثٍ غَيْرِهٖٓ ۖ اِنَّكُمْ اِذًا مِّثْلُهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ جَامِعُ الْمُنٰفِقِيْنَ وَالْكٰفِرِيْنَ فِيْ جَهَنَّمَ جَمِيْعًاۙ١٤٠
Wa qad nazzala ‘alaikum fil-kitābi an iżā sami‘tum āyātillāhi yukfaru bihā wa yustahza'u bihā falā taq‘udū ma‘ahum ḥattā yakhūḍū fī ḥadīṡin gairih(ī), innakum iżam miṡlahum, innallāha jāmi‘ul-munāfiqīna wal-kāfirīna fī jahannama jamī‘ā(n).
[140] Allah bener-bener geus nurunkeun (katangtuan) ka aranjeun dina ieu kitab (Al-Qur’an) yén lamun aranjeun (jalma-jalma mu’min) nguping ayat-ayat Allah diingkaran jeung diheureuykeun (ku jalma-jalma kapir), poma aranjeun ulah rék diuk babarengan jeung maranéhna nepi ka maranéhna asup kana omongan lianna. Sabenerna aranjeun (lamun seug migawé kitu), tangtu sarua baé jeung maranéhna. Sabenerna Allah bakal ngumpulkeun jalma-jalma munapék jeung jalma-jalma kapir dina (naraka) Jahanam.

ۨالَّذِيْنَ يَتَرَبَّصُوْنَ بِكُمْۗ فَاِنْ كَانَ لَكُمْ فَتْحٌ مِّنَ اللّٰهِ قَالُوْٓا اَلَمْ نَكُنْ مَّعَكُمْ ۖ وَاِنْ كَانَ لِلْكٰفِرِيْنَ نَصِيْبٌ قَالُوْٓا اَلَمْ نَسْتَحْوِذْ عَلَيْكُمْ وَنَمْنَعْكُمْ مِّنَ الْمُؤْمِنِيْنَ ۗ فَاللّٰهُ يَحْكُمُ بَيْنَكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ وَلَنْ يَّجْعَلَ اللّٰهُ لِلْكٰفِرِيْنَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ سَبِيْلًا ࣖ١٤١
Al-lażīna yatarabbaṣūna bikum, fa in kāna lakum fatḥum minallāhi qālū alam nakum ma‘akum, wa in kāna lil-kāfirīna naṣībun qālū alam nastaḥwiż ‘alaikum wa namna‘kum minal-mu'minīn(a), fallāhu yaḥkumu bainakum yaumal-qiyāmah(ti), wa lay yaj‘alallāhu lil-kāfirīna ‘alal-mu'minīna sabīlā(n).
[141] (Maranéhna téh) nyaéta jalma-jalma anu ngadagoan (kajadian) anu bakal tumiba ka diri aranjeun. Lamun aranjeun meunang kaunggulan (dina perang) ti Allah, maranéhna téh ngomong kieu (ka jalma-jalma mu’min), “Apan kuring saréréa ogé (milu perang) babarengan jeung aranjeun?” Tapi lamun jalma-jalma kapir meunang bagian (tina peperangan), maranéhna téh ngomong kieu (ka jalma-jalma kapir), “Apan kuring saréréa téh geus milu ngameunangkeun aranjeun 233 jeung geus mélaan aranjeun tina (serangan) jalma-jalma mu’min?” Allah bakal maparin kaputusan di antara aranjeun jaga dina Poé Kiamat. Allah moal méré jalan ka jalma-jalma kapir pikeun ngéléhkeun kaom mu’minin.
233) Ku jalan muka rasiah-rasiah kaom mu’minin sarta nepikeun perkara aranjeunna ka jalma kapir. Atawa, lamun ngilu icikibung peperangan di pihak kaom mu’minin, jalma-jalma munapék ngiluna ogé kalayan satengah haté.

اِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ يُخٰدِعُوْنَ اللّٰهَ وَهُوَ خَادِعُهُمْۚ وَاِذَا قَامُوْٓا اِلَى الصَّلٰوةِ قَامُوْا كُسَالٰىۙ يُرَاۤءُوْنَ النَّاسَ وَلَا يَذْكُرُوْنَ اللّٰهَ اِلَّا قَلِيْلًاۖ١٤٢
Innal-munāfiqīna yukhādi‘ūnallāha wa huwa khādi‘uhum, wa iżā qāmū ilaṣ-ṣalāti qāmū kusālā, yurā'ūnan-nāsa wa lā yażkurūnallāha illā qalīlā(n).
[142] Sabenerna jalma-jalma munapék téh rék nipu ka Allah, tapi Allah males tipuan maranéhna (ku jalan diantep lamokot dina kasasaran jeung tipuan). Upama nangtung rék (ngalaksanakeun) salat, maranéhna mah nangtungna ogé bari kalékéd pisan, bari riya (hayang katingal ku batur), jeung maranéhna henteu inget ka Allah kajaba saeutik pisan. 234
234) Maranéhna ngalaksanakeun salat ngan saukur kakapeungan, nyaéta lamun maranéhna aya di hareupeun batur.

مُّذَبْذَبِيْنَ بَيْنَ ذٰلِكَۖ لَآ اِلٰى هٰٓؤُلَاۤءِ وَلَآ اِلٰى هٰٓؤُلَاۤءِ ۗ وَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَلَنْ تَجِدَ لَهٗ سَبِيْلًا١٤٣
Mużabżabīna baina żālik(a), lā ilā ha'ulā'i wa lā ilā ha'ulā'(i), wa may yuḍlilillāhu falan tajida lahū sabīlā(n).
[143] Maranéhna (jalma-jalma munapék) anu aya dina kaayaan mandeg-mayong di antara nu éta (iman jeung kapir), teu kaasup kana golongan ieu (jalma mu’min) tur teu ogé kaasup golongan éta (jalma kapir). Saha baé anu diantep sasar ku Allah (ku sabab teu nurut kana tuntunan Allah tur leuwih milih kasasaran), mangka anjeun moal manggih jalan (geusan méré pituduh) pikeun manéhna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوا الْكٰفِرِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِ الْمُؤْمِنِيْنَ ۚ اَتُرِيْدُوْنَ اَنْ تَجْعَلُوْا لِلّٰهِ عَلَيْكُمْ سُلْطٰنًا مُّبِيْنًا١٤٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżul-kāfirīna auliyā'a min dūnil-mu'minīn(a), aturīdūna an taj‘alū lillāhi ‘alaikum sulṭānam mubīnā(n).
[144] Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun ulah ngajadikeun jalma-jalma kapir jadi batur satia 235 salian ti jalma-jalma mu’min! Naha aranjeun miharep méré alesan anu nyata ka Allah (pikeun nibankeun hukuman ka aranjeun)?
235) Tingal catetan kaki surat Āli `Imrān/3:28.

اِنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ فِى الدَّرْكِ الْاَسْفَلِ مِنَ النَّارِۚ وَلَنْ تَجِدَ لَهُمْ نَصِيْرًاۙ١٤٥
Innal-munāfiqīna fid-darkil-asfali minan-nār(i), wa lan tajida lahum naṣīrā(n).
[145] Sabenerna jalma-jalma munapék téh (pitempateunana) aya dina tingkatan nu panghandapna di jero naraka. Hidep moal manggih nu nulungan saurang ogé pikeun maranéhna.

اِلَّا الَّذِيْنَ تَابُوْا وَاَصْلَحُوْا وَاعْتَصَمُوْا بِاللّٰهِ وَاَخْلَصُوْا دِيْنَهُمْ لِلّٰهِ فَاُولٰۤىِٕكَ مَعَ الْمُؤْمِنِيْنَۗ وَسَوْفَ يُؤْتِ اللّٰهُ الْمُؤْمِنِيْنَ اَجْرًا عَظِيْمًا١٤٦
Illal-lażīna tābū wa aṣlaḥū wa‘taṣamū billāhi wa akhlaṣū dīnahum lillāhi fa ulā'ika ma‘al-mu'minīn(a), wa saufa yu'tillāhul mu'minīna ajran ‘aẓīmā(n).
[146] Iwal jalma-jalma anu tobat, ngoméan dirina sorangan, 236 nyekel pageuh kana (agama) Allah, jeung ihlas (ngajalankeun) agama maranéhna karana Allah. Maranéhna tangtu bakal babarengan jeung jalma-jalma mu’min. Jaga Allah bakal maparin ganjaran anu gedé ka jalma-jalma anu iman.
236) “Ngoméan diri sorangan” di dieu bisa dima’naan “gawé anu hadé pikeun ngaleungitkeun perkara anu diakibatkeun kagoréngan jeung kasalahan anu geus dipilampah.

مَا يَفْعَلُ اللّٰهُ بِعَذَابِكُمْ اِنْ شَكَرْتُمْ وَاٰمَنْتُمْۗ وَكَانَ اللّٰهُ شَاكِرًا عَلِيْمًا ۔١٤٧
Mā yaf‘alullāhu bi‘ażābikum in syakartum wa āmantum, wa kānallāhu syākiran ‘alīmā(n).
[147] Allah moal bakal nyiksa lamun aranjeun sukuran jeung iman. Allah mah Mahasukur (jeung) Mahauninga.

۞ لَا يُحِبُّ اللّٰهُ الْجَهْرَ بِالسُّوْۤءِ مِنَ الْقَوْلِ اِلَّا مَنْ ظُلِمَ ۗ وَكَانَ اللّٰهُ سَمِيْعًا عَلِيْمًا١٤٨
Lā yuḥibbullāhul-jahra bis-sū'i minal-qauli illā man ẓulim(a), wa kānallāhu samī‘an ‘alīmā(n).
[148] Allah henteu mikaresep kana ucapan anu goréng, (anu diucapkeun) kalawan terus terang, kajaba (diucapkeun) ku jalma nu didoliman. 237 Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
237) Jalma anu kaaniaya meunang nembrakkeun atawa ngabéjakeun perkara kagoréngan jalma séjénna ka hakim atawa ka pihak anu ngabogaan kakawasaan (pamaréntah) ku jalan anu hadé.

اِنْ تُبْدُوْا خَيْرًا اَوْ تُخْفُوْهُ اَوْ تَعْفُوْا عَنْ سُوْۤءٍ فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَفُوًّا قَدِيْرًا١٤٩
In tubdū khairan au tukhfūhu au ta‘fū ‘an sū'in fa innallāha kāna ‘afuwwan qadīrā(n).
[149] Lamun aranjeun némbongkeun atawa nyamputkeun hiji kahadéan, atawa ngahampura kana hiji kasalahan, saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahakawasa.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَكْفُرُوْنَ بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖ وَيُرِيْدُوْنَ اَنْ يُّفَرِّقُوْا بَيْنَ اللّٰهِ وَرُسُلِهٖ وَيَقُوْلُوْنَ نُؤْمِنُ بِبَعْضٍ وَّنَكْفُرُ بِبَعْضٍۙ وَّيُرِيْدُوْنَ اَنْ يَّتَّخِذُوْا بَيْنَ ذٰلِكَ سَبِيْلًاۙ١٥٠
Innal-lażīna yakfurūna billāhi wa rusulihī wa yurīdūna ay yufarriqū bainallāhi wa rusulihī wa yaqūlūna nu'minu biba‘ḍin wa nakfuru biba‘ḍ(in), wa yurīdūna ay yattakhiżū baina żālika sabīlā(n).
[150] Sabenerna jalma-jalma nu ingkar ka Allah jeung ka rasul-rasul-Na, nu rék ngabéda-bédakeun 238 antara (iman ka) Allah jeung (ka) rasul-rasul-Na ku omongan kieu, “Kuring saréréa percaya kana sabagian, tapi ingkar ka sabagianana deui”, tur nu boga maksud nyokot jalan tengah (antara iman jeung kapir),
238) Maranéhna iman ka Allah, tapi henteu daék iman ka rasul-rasul-Na.

اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْكٰفِرُوْنَ حَقًّا ۚوَاَعْتَدْنَا لِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابًا مُّهِيْنًا١٥١
Ulā'ika humul-kāfirūna ḥaqqā(n), wa a‘tadnā lil-kāfirīna ‘ażābam muhīnā(n).
[151] maranéhna (téh) jalma-jalma kapir anu sabenerna, jeung Kami geus nyadiakeun pikeun jalma-jalma kapir siksaan nu kacida hinana.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖ وَلَمْ يُفَرِّقُوْا بَيْنَ اَحَدٍ مِّنْهُمْ اُولٰۤىِٕكَ سَوْفَ يُؤْتِيْهِمْ اُجُوْرَهُمْ ۗوَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا ࣖ١٥٢
Wal-lażīna āmanū billāhi wa rusulihī wa lam yufarriqū baina aḥadim minhum ulā'ika saufa nu'tīhim ujūrahum, wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[152] Anapon jalma-jalma anu iman ka Allah jeung ka para rasul-Na, sarta henteu ngabéda-bédakeun di antara aranjeunna (para rasul), jaga Allah bakal maparin ganjaranana ka aranjeunna. Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

يَسْـَٔلُكَ اَهْلُ الْكِتٰبِ اَنْ تُنَزِّلَ عَلَيْهِمْ كِتٰبًا مِّنَ السَّمَاۤءِ فَقَدْ سَاَلُوْا مُوْسٰٓى اَكْبَرَ مِنْ ذٰلِكَ فَقَالُوْٓا اَرِنَا اللّٰهَ جَهْرَةً فَاَخَذَتْهُمُ الصَّاعِقَةُ بِظُلْمِهِمْۚ ثُمَّ اتَّخَذُوا الْعِجْلَ مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْهُمُ الْبَيِّنٰتُ فَعَفَوْنَا عَنْ ذٰلِكَ ۚ وَاٰتَيْنَا مُوْسٰى سُلْطٰنًا مُّبِيْنًا١٥٣
Yas'aluka ahlul-kitābi an tunazzila ‘alaihim kitābam minas-samā'i faqad sa'alū mūsā akbara min żālika fa qālū arinallāha jahratan fa akhażathumuṣ-ṣā‘iqatu bi ẓulmihim, ṡummattakhażul-‘ijla mim ba‘di mā jā'athumul-bayyinātu fa ‘afaunā ‘an żālik(a), wa ātainā mūsā sulṭānam mubīnā(n).
[153] (Jalma-jalma ti golongan) Ahli Kitab ménta ka hidep (Muhammad) supaya nurunkeun hiji kitab ti langit pikeun maranéhna. Tétéla maranéhna geus ménta ka Musa nu leuwih gedé (ahéng) tibatan éta. Maranéhan ngucap kieu,”Témbongkeun Allah téh ka kuring saréréa kalayan ébréh.” Tuluy maranéhna dibéntar gelap ku lantaran kadolimanana. Tuluy maranéhna ngajadikeun anak sapi (minangka sesembahan), 239 (padahal) geus datang ka maranéhna bukti-bukti (kataohidan) anu nyata. Tuluy Kami ngahampura kana éta (kasalahan maranéhna). Kami geus maparin ka Musa kakawasaan nu nyata.
239) Patung anak sapi dijieun ku maranéhna tina emas, terus dijadikeun sesembahan.

وَرَفَعْنَا فَوْقَهُمُ الطُّوْرَ بِمِيْثَاقِهِمْ وَقُلْنَا لَهُمُ ادْخُلُوا الْبَابَ سُجَّدًا وَّقُلْنَا لَهُمْ لَا تَعْدُوْا فِى السَّبْتِ وَاَخَذْنَا مِنْهُمْ مِّيْثَاقًا غَلِيْظًا١٥٤
Wa rafa‘nā fauqahumuṭ ṭūra bimīṡāqihim wa qulnā lahumudkhulul-bāba sujjadaw wa qulnā lahum lā ta‘dū fis-sabti wa akhażnā minhum mīṡāqan galīẓā(n).
[154] Kami geus ngangkat Gunung (Sinai) saluhureun maranéhna pikeun (nguatkeun) perjangjian maranéhna. Kami maréntah ka maranéhna, “Pék arasup kana éta lawang (Baétulmaqdis) bari sujud!” Kami maréntah (ogé) ka maranéhna, “Omat ulah rék ngarempak (aturan) dina poé Sabt!” 240 Kami geus nyokot ti maranéhna perjangjian anu paheut.
240) Poé Sabt nyaéta poé Sabtu, husus poéan ibadahna jalma-jalma ti kalangan Yahudi.

فَبِمَا نَقْضِهِمْ مِّيْثَاقَهُمْ وَكُفْرِهِمْ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَقَتْلِهِمُ الْاَنْۢبِيَاۤءَ بِغَيْرِ حَقٍّ وَّقَوْلِهِمْ قُلُوْبُنَا غُلْفٌ ۗ بَلْ طَبَعَ اللّٰهُ عَلَيْهَا بِكُفْرِهِمْ فَلَا يُؤْمِنُوْنَ اِلَّا قَلِيْلًاۖ١٥٥
Fabimā naqḍihim mīṡāqahum wa kufrihim bi'āyātillāhi wa qatlihimul-ambiyā'a bigairi ḥaqqiw wa qaulihim qulūbunā gulf(un), bal ṭaba‘allāhu ‘alaihā bikufrihim falā yu'minūna illā qalīlā(n).
[155] Mangka (Kami ngahukum maranéhna) 241 ku sabab maranéhna geus ngarempak éta perjangjian, geus ingkar kana katerangan-katerangan ti Allah, geus nelasan para nabi kalayan tanpa alesan anu bener, tur geus ngucap kieu, “Haté kuring saréréa mah geus nutup.” Sabenerna Allah geus ngonci haté maranéhna akibat kakapiranana. Mangka, maranéhna teu iman kajaba saeutik.
241) Maranéhna dibéntar gelap, disapa jadi monyet, jeung sajabana.

وَّبِكُفْرِهِمْ وَقَوْلِهِمْ عَلٰى مَرْيَمَ بُهْتَانًا عَظِيْمًاۙ١٥٦
Wa bikufrihim wa qaulihim ‘alā maryama buhtānan ‘aẓīmā(n).
[156] (Kami ogé ngahukum maranéhna) ku sabab kakapiranana jeung tuduhanana ka Maryam kalayan tuduhan palsu anu kacida kejina.

وَّقَوْلِهِمْ اِنَّا قَتَلْنَا الْمَسِيْحَ عِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ رَسُوْلَ اللّٰهِۚ وَمَا قَتَلُوْهُ وَمَا صَلَبُوْهُ وَلٰكِنْ شُبِّهَ لَهُمْ ۗوَاِنَّ الَّذِيْنَ اخْتَلَفُوْا فِيْهِ لَفِيْ شَكٍّ مِّنْهُ ۗمَا لَهُمْ بِهٖ مِنْ عِلْمٍ اِلَّا اتِّبَاعَ الظَّنِّ وَمَا قَتَلُوْهُ يَقِيْنًاۢ ۙ١٥٧
Wa qaulihim innā qatalnal-masīḥa ‘īsabna maryama rasūlallāh(i), wa mā qatalūhu wa mā ṣalabūhu wa lākin syubbiha lahum, wa innal-lażīnakhtalafū fīhi lafī syakkim minh(u), mā lahum bihī min ‘ilmin illattibā‘aẓ-ẓanni wa mā qatalūhu yaqīnā(n).
[157] (Kami ogé ngahukum maranéhna) ku sabab ucapanana, “Sabenerna kuring saréréa geus nelasan Almasih, Isa putrana Maryam, Rasul Allah,” 242 padahal maranéhna henteu nelasan anjeunna jeung teu (ogé) nyalib, tapi (anu dipaéhan téh nyaéta) jalma anu disarupakeun jeung anjeunna. Saenyana maranéhna anu pasalia paham ngeunaan éta (maotna Isa), salawasna aya dina kamangmangan ngeunaan éta (jalma anu geus dipaéhan). Maranéhna bener-bener henteu nyahoeun (saha sabenerna anu ditelasan téh) iwal ti saukur milu kana sangkaan wungkul. (Jadi,) maranéhna henteu yakin geus nelasan (Isa).
242) Caritaan maranéhna yén “Isa putrana Maryam téh Rasul Allah” ngan saukur pikeun moyok, sabab maranéhna sorangan henteu percaya kana karasulan Nabi Isa a.s.

بَلْ رَّفَعَهُ اللّٰهُ اِلَيْهِ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَزِيْزًا حَكِيْمًا١٥٨
Bar rafa‘ahullāhu ilaih(i), wa kānallāhu ‘azīzan ḥakīmā(n).
[158] Nanging Allah geus ngangkat (Isa) ka hadirat-Na. 243 Allah mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
243) Ieu ayat mangrupakeun bantahan kana anggapan urang Yahudi yén maranéhna geus nelasan Nabi Isa a.s.

وَاِنْ مِّنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ اِلَّا لَيُؤْمِنَنَّ بِهٖ قَبْلَ مَوْتِهٖ ۚوَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ يَكُوْنُ عَلَيْهِمْ شَهِيْدًاۚ١٥٩
Wa im min ahlil-kitābi illā layu'minanna bihī qabla mautih(ī), wa yaumal-qiyāmati yakūnu ‘alaihim syahīdā(n).
[159] Teu aya saurang ogé ti antara Ahli Kitab anu henteu iman ka anjeunna (Isa) saméméh maotna. 244 Dina Poé Kiamat anjeunna téh bakal jadi saksi pikeun maranéhna.
244) Méméh maotna, saban urang Yahudi jeung Nasroni bakal iman kana karasulan Nabi Isa a.s. sarta ngaku yén Nabi Isa téh Rasul Allah, lain anak Allah. Tapi, pangakuan kaimanan saméméh maot saperti kitu mah geus teu aya gunana.

فَبِظُلْمٍ مِّنَ الَّذِيْنَ هَادُوْا حَرَّمْنَا عَلَيْهِمْ طَيِّبٰتٍ اُحِلَّتْ لَهُمْ وَبِصَدِّهِمْ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ كَثِيْرًاۙ١٦٠
Fa biẓulmim minal-lażīna hādū ḥarramnā ‘alaihim ṭayyibātin uḥillat lahum wa biṣaddihim ‘an sabīlillāhi kaṡīrā(n).
[160] Ku sabab kadoliman jalma-jalma (ti golongan) Yahudi, Kami geus ngaharamkeun pikeun maranéhna (kadaharan-kadaharan) anu haradé, anu saméméhna mah kungsi dihalalkeun (pikeun maranéhna); Sarta ku sabab maranéhna sering ngahalangan (batur) ti jalan Allah,

وَّاَخْذِهِمُ الرِّبٰوا وَقَدْ نُهُوْا عَنْهُ وَاَكْلِهِمْ اَمْوَالَ النَّاسِ بِالْبَاطِلِ ۗوَاَعْتَدْنَا لِلْكٰفِرِيْنَ مِنْهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًا١٦١
Wa akhżihimur-ribā wa qad nuhū ‘anhu wa aklihim amwālan-nāsi bil-bāṭil(i), wa a‘tadnā lil-kāfirīna minhum ‘ażāban alīmā(n).
[161] ku sabab maranéhna ngajalankeun riba padahal sabenerna geus dicegah, jeung ku sabab maranéhna ngadahar harta batur ku jalan anu henteu sah (batil). Kami geus nyadiakeun pikeun jalma-jalma kapir ti antara maranéhna siksaan anu kacida nyerina.

لٰكِنِ الرّٰسِخُوْنَ فِى الْعِلْمِ مِنْهُمْ وَالْمُؤْمِنُوْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ وَمَآ اُنْزِلَ مِنْ قَبْلِكَ وَالْمُقِيْمِيْنَ الصَّلٰوةَ وَالْمُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَالْمُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۗ اُولٰۤىِٕكَ سَنُؤْتِيْهِمْ اَجْرًا عَظِيْمًا ࣖ١٦٢
Lākinir-rāsikhūna fil-‘ilmi minhum wal-mu'minūna yu'minūna bimā unzila ilaika wa mā unzila min qablika wal-muqīmīnaṣ-ṣalāta wal-mu'tūnaz-zakāta wal-mu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhir(i), ulā'ika sanu'tīhim ajran ‘aẓīmā(n).
[162] Tapi jalma-jalma anu élmuna masagi ti antara maranéhna jeung jalma-jalma anu iman, aranjeunna iman kana (Al-Qur’an) anu diturunkeun ka hidep (Muhammad) jeung kana (kitab-kitab) anu diturunkeun saméméhna. Kitu deui aranjeunna ngadegkeun salat, mayar jakat, tur iman ka Allah jeung Poé Ahir. Pikeun maranéhna Kami bakal maparin ganjaran anu kacida gedéna.

۞ اِنَّآ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ كَمَآ اَوْحَيْنَآ اِلٰى نُوْحٍ وَّالنَّبِيّٖنَ مِنْۢ بَعْدِهٖۚ وَاَوْحَيْنَآ اِلٰٓى اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ وَالْاَسْبَاطِ وَعِيْسٰى وَاَيُّوْبَ وَيُوْنُسَ وَهٰرُوْنَ وَسُلَيْمٰنَ ۚوَاٰتَيْنَا دَاوٗدَ زَبُوْرًاۚ١٦٣
Innā auḥainā ilaika kamā auḥainā ilā nūḥiw wan-nabiyyīna mim ba‘dih(ī), wa auḥainā ilā ibrāhīma wa ismā‘īla wa isḥāqa wa ya‘qūba wal-asbāṭi wa ‘īsā wa ayyūba wa yūnusa wa hārūna wa sulaimān(a), wa ātainā dāwūda zabūrā(n).
[163] Sabenerna Kami geus ngawahyukeun ka hidep (Muhammad) sakumaha Kami geus ngawahyukeun ka Nuh jeung ka nabi-nabi sanggeusna. Kami geus ngawahyukeun (ogé) ka Ibrahim, ka Ismail, ka Yaqub katut turunanana, ka Isa, ka Ayub, ka Yunus, ka Harun, jeung ka Sulaéman. Kami ogé geus maparin kitab Zabur ka Dawud.

وَرُسُلًا قَدْ قَصَصْنٰهُمْ عَلَيْكَ مِنْ قَبْلُ وَرُسُلًا لَّمْ نَقْصُصْهُمْ عَلَيْكَ ۗوَكَلَّمَ اللّٰهُ مُوْسٰى تَكْلِيْمًاۚ١٦٤
Wa rusulan qad qaṣaṣnāhum ‘alaika wa rusulal lam naqṣuṣhum ‘alaik(a), wa kallamallāhu mūsā taklīmā(n).
[164] Aya sababaraha rasul anu geus dicaritakeun ku Kami ngeunaan (kisah) aranjeunna ka hidep (Muhammad) saméméhna. Aya ogé sababaraha rasul (lianna) anu ku Kami teu kungsi dicaritakeun (kisahna) ka hidep. Allah bener-bener geus ngadawuh ka Musa (kalayan langsung). 245
245) Allah ngadawuh langsung ka Nabi Musa a.s. téh mangrupakeun hiji kaistiméwaan anjeunna. Ku kituna, anjeunna dipasihan gelar kalīmullāh, sedengkeun rasul-rasul séjénna kenging wahyu ti Allah ku perantaraan Malaikat Jibril. Hal anu sarupa kaalaman ku Nabi Muhammad Saw. anu parantos sasauran langsung sareng Allah Swt. dina waktu Mi’raj di Sidratul Muntaha.

رُسُلًا مُّبَشِّرِيْنَ وَمُنْذِرِيْنَ لِئَلَّا يَكُوْنَ لِلنَّاسِ عَلَى اللّٰهِ حُجَّةٌ ۢ بَعْدَ الرُّسُلِ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَزِيْزًا حَكِيْمًا١٦٥
Rusulam mubasysyirīna wa munżirīna li'allā yakūna lin-nāsi ‘alallāhi ḥujjatum ba‘dar-rusul(i), wa kānallāhu ‘azīzan ḥakīmā(n).
[165] (Kami geus ngutus) rasul-rasul salaku anu mawa béja pikabungaheun jeung anu méré pépéling sangkan henteu aya alesan pikeun manusa (anu bedegong) ngabantah ka Allah sanggeus para rasul diutus. Allah téh Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

لٰكِنِ اللّٰهُ يَشْهَدُ بِمَآ اَنْزَلَ اِلَيْكَ اَنْزَلَهٗ بِعِلْمِهٖ ۚوَالْمَلٰۤىِٕكَةُ يَشْهَدُوْنَ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًاۗ١٦٦
Lākinillāhu yasyhadu bimā anzala ilaika anzalahū bi‘ilmih(ī), wal-malā'ikatu yasyhadūn(a), wa kafā billāhi syahīdā(n).
[166] Tapi (lamun maranéhna ngabohongkeun ka hidep), Allah jadi saksi ngeunaan (benerna Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ka hidep (Muhammad). Mantenna nurunkeun (Al-Qur’an) ku élmu-Na. (Kitu deui) para malaikat ogé pada jadi saksi deui. Cekap Allah kanggo jadi saksina mah.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ قَدْ ضَلُّوْا ضَلٰلًا ۢ بَعِيْدًا١٦٧
Innal-lażīna kafarū wa ṣaddū ‘an sabīlillāhi qad ḍallū ḍalālam ba‘īdā(n).
[167] Sabenerna jalma-jalma nu kupur jeung ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, maranéhna téh bener-bener geus kasasar nu kacida jauhna.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَظَلَمُوْا لَمْ يَكُنِ اللّٰهُ لِيَغْفِرَ لَهُمْ وَلَا لِيَهْدِيَهُمْ طَرِيْقًاۙ١٦٨
Innal-lażīna kafarū wa ẓalamū lam yakunillāhu liyagfira lahum wa lā liyahdiyahum ṭarīqā(n).
[168] Sabenerna jalma-jalma nu kupur tur milampah kadoliman, Allah moal (pisan) ngahampura ka maranéhna jeung moal pisan méré pituduh ka maranéhna kana jalan naon ogé,

اِلَّا طَرِيْقَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًا ۗوَكَانَ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرًا١٦٩
Illā ṭarīqa jahannama khālidīna fīhā abadā(n), wa kāna żālika ‘alallāhi yasīrā(n).
[169] kajaba jalan ka (naraka) Jahanam, bari maranéhna langgeng di dinyana salilana. Perkara anu kitu téh pikeun Allah mah (kacida) gampilna.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاۤءَكُمُ الرَّسُوْلُ بِالْحَقِّ مِنْ رَّبِّكُمْ فَاٰمِنُوْا خَيْرًا لَّكُمْ ۗوَاِنْ تَكْفُرُوْا فَاِنَّ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَكِيْمًا١٧٠
Yā ayyuhan-nāsu qad jā'akumur-rasūlu bil-ḥaqqi mir rabbikum fa āminū khairal lakum, wa in takfurū fa inna lillāhi mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa kānallāhu ‘alīman ḥakīmā(n).
[170] Hé manusa, tétéla geus datang Rasul (Muhammad) ka aranjeun kalayan (mawa) bebeneran ti Pangéran aranjeun. Mangka, pék geura iman (ka anjeunna)! Éta téh leuwih alus pikeun aranjeun. Tapi lamun seug aranjeun kapir (éta teu matak ngarugikeun pikeun Allah saeutik ogé), sabab sabenerna mung kagungan Allah sakabéh nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Allah téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لَا تَغْلُوْا فِيْ دِيْنِكُمْ وَلَا تَقُوْلُوْا عَلَى اللّٰهِ اِلَّا الْحَقَّۗ اِنَّمَا الْمَسِيْحُ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ رَسُوْلُ اللّٰهِ وَكَلِمَتُهٗ ۚ اَلْقٰىهَآ اِلٰى مَرْيَمَ وَرُوْحٌ مِّنْهُ ۖفَاٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖۗ وَلَا تَقُوْلُوْا ثَلٰثَةٌ ۗاِنْتَهُوْا خَيْرًا لَّكُمْ ۗ اِنَّمَا اللّٰهُ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ ۗ سُبْحٰنَهٗٓ اَنْ يَّكُوْنَ لَهٗ وَلَدٌ ۘ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَكَفٰى بِاللّٰهِ وَكِيْلًا ࣖ١٧١
Yā ahlal-kitābi lā taglū fī dīnikum wa lā taqūlū ‘alallāhi illal-ḥaqq(a), innamal-masīḥu ‘īsabnu maryama rasūlullāhi wa kalimatuh(ū), alqāhā ilā maryama wa rūḥum minh(u), fa āminū billāhi wa rusulih(ī), wa lā taqūlū ṡalāṡah(tun), inntahū khairal lakum innamallāhu ilāhuw wāḥid(un), subḥānahū ay yakūna lahū walad(un), lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa kafā billāhi wakīlā(n).
[171] Hé Ahli Kitab, kadé ulah rék kaleuleuwihi dina (ngajalankeun) agama aranjeun, 246 jeung kadé ulah rék nyarita ngeunaan Allah anging ku (caritaan) anu bener. Sabenerna Al-Masih Isa putra Maryam téh utusan Allah jeung (mahluk anu diciptakeun ku) kalimah-Na 247 anu didugikeun ku Mantenna ka Maryam sarta (ku tiupan) roh ti Mantenna. 248 Ku kituna, geura iman ka Allah jeung ka para rasul-Na jeung kadé ulah rék nyebutkeun kieu, “(Pangéran téh) aya tilu!” Geura eureun (tina ucapan kitu)! Éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun. Sabenerna mung Allah wungkul Pangéran Nu Mahatunggal. Mahasuci Mantenna tina (anggapan) kagungan putra. Mung kagungan Mantenna sakabéh anu aya di langit jeung nu aya di bumi. Cekap Allah wungkul anu ngajagana.
246) Kadé ulah rék ngucap yén Nabi Isa a.s. téh pangéran sakumaha anu diucapkeun ku kaom Nasroni. 247) Maksud “kalimah” di dieu téh nyaéta kalimah kun, kalayan éta ucapan Nabi Isa a.s. diciptakeun ku Allah, bari anjeunna henteu ngagaduhan bapa. 248) Disebut tiupan ti Allah ku sabab sumber éta tiupan téh ti paréntah Allah.

لَنْ يَّسْتَنْكِفَ الْمَسِيْحُ اَنْ يَّكُوْنَ عَبْدًا لِّلّٰهِ وَلَا الْمَلٰۤىِٕكَةُ الْمُقَرَّبُوْنَۗ وَمَنْ يَّسْتَنْكِفْ عَنْ عِبَادَتِهٖ وَيَسْتَكْبِرْ فَسَيَحْشُرُهُمْ اِلَيْهِ جَمِيْعًا١٧٢
Lay yastankifal-masīḥu ay yakūna ‘abdal lillāhi wa lal-malā'ikatul-muqarrabūn(a), wa may yastankif ‘an ‘ibādatihī wa yastakbir fa sayaḥsyuruhum ilaihi jamī‘ā(n).
[172] (Isa) Almasih mah henteu pisan-pisan embung jadi hamba Allah jeung kitu deui para malaikat anu deuheus (ka Allah). 249 Saha baé anu embung ibadah ka Allah sarta nyombongkeun dirina, mangka Allah bakal ngumpulkeun maranéhna kabéh (baralik) ka Mantenna.
249) Malaikat anu deuheus (deukeut) ka Allah téh ayana di caket ‘Arsy, saperti Jibril, Mikail, jeung Isrofil.

فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَيُوَفِّيْهِمْ اُجُوْرَهُمْ وَيَزِيْدُهُمْ مِّنْ فَضْلِهٖۚ وَاَمَّا الَّذِيْنَ اسْتَنْكَفُوْا وَاسْتَكْبَرُوْا فَيُعَذِّبُهُمْ عَذَابًا اَلِيْمًاۙ وَّلَا يَجِدُوْنَ لَهُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًا١٧٣
Fa ammal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fa yuwaffīhim ujūrahum wa yazīduhum min faḍlih(ī), wa ammal-lażīnastankafū wastakbarū fa yu‘ażżibuhum ‘ażāban alīmā(n), wa lā yajidūna lahum min dūnillāhi waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[173] Sedengkeun jalma-jalma anu iman sarta migawé amal soléh, Allah bakal nyampurnakeun ganjaran-ganjaran pikeun aranjeunna sareng bakal nambihan sabagian tina kurnia Mantenna. Anapon jalma-jalma anu embung (ibadah ka Allah) tur nyombongkeun dirina sorangan, mangka Allah bakal nibankeun siksaan ka maranéhna ku siksaan aku kacida nyerina. Maranéhna moal manggihan anu jadi panyalindungan jeung anu nulungan salian ti Allah.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاۤءَكُمْ بُرْهَانٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَاَنْزَلْنَآ اِلَيْكُمْ نُوْرًا مُّبِيْنًا١٧٤
Yā ayyuhan-nāsu qad jā'akum burhānum mir rabbikum wa anzalnā ilaikum nūram mubīnā(n).
[174] Hé manusa, sabenerna geus nepi ka maranéh bukti bebeneran (Muhammad kalayan mujijatna) ti Pangéran maranéh, jeung Kami geus nurunkeun ka maranéh cahaya nu caang ngempray (Al-Qur’an).

فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَاعْتَصَمُوْا بِهٖ فَسَيُدْخِلُهُمْ فِيْ رَحْمَةٍ مِّنْهُ وَفَضْلٍۙ وَّيَهْدِيْهِمْ اِلَيْهِ صِرَاطًا مُّسْتَقِيْمًاۗ١٧٥
Fa ammal-lażīna āmanū billāhi wa‘taṣamū bihī fa sayudkhiluhum fī raḥmatim minhu wa faḍl(in), wa yahdīhim ilaihi ṣirāṭam mustaqīmā(n).
[175] Sedengkeun jalma-jalma anu iman ka Allah sarta nyepeng pageuh kana (agama) Mantenna, tangtu Allah téh bakal ngalebetkeun aranjeunna kana rahmat jeung kurnia ti Mantenna (sawarga), sarta nuduhkeun ka aranjeunna jalan anu lempeng.

يَسْتَفْتُوْنَكَۗ قُلِ اللّٰهُ يُفْتِيْكُمْ فِى الْكَلٰلَةِ ۗاِنِ امْرُؤٌا هَلَكَ لَيْسَ لَهٗ وَلَدٌ وَّلَهٗٓ اُخْتٌ فَلَهَا نِصْفُ مَا تَرَكَۚ وَهُوَ يَرِثُهَآ اِنْ لَّمْ يَكُنْ لَّهَا وَلَدٌ ۚ فَاِنْ كَانَتَا اثْنَتَيْنِ فَلَهُمَا الثُّلُثٰنِ مِمَّا تَرَكَ ۗوَاِنْ كَانُوْٓا اِخْوَةً رِّجَالًا وَّنِسَاۤءً فَلِلذَّكَرِ مِثْلُ حَظِّ الْاُنْثَيَيْنِۗ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمْ اَنْ تَضِلُّوْا ۗ وَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ࣖ١٧٦
Yastaftūnak(a), qulillāhu yuftīkum fil-kalālah(ti), inimru'un halaka laisa lahū waladuw wa lahū ukhtun fa lahā niṣfu mā tarak(a), wa huwa yariṡuhā illam yakul lahā walad(un), fa in kānataṡnataini fa lahumaṡ-ṡuluṡāni mimmā tarak(a), wa in kānū ikhwatar rijālaw wa nisā'an fa liż-żakari miṡlu ḥaẓẓil-unṡayain(i), yubayyinullāhu lakum an taḍillū, wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[176] Aranjeunna ménta patwa ka hidep (Muhammad ngeunaan kalālah). 250 Pék caritakeun kieu, “Allah tos maparin patwa ka aranjeun ngeunaan kalālah, (nyaéta) lamun aya jalma anu maot jeung teu boga anak, tapi boga hiji dulur awéwé, mangka bagian waris (éta dulur awéwé téh) saperduana tina harta nu ditinggalkeun ku manéhna. Sedengkeun dulur lalakina mah ngawaris (sakabéh harta éta dulur awéwé) lamun seug éta dulur awéwé téh teu boga anak (lalaki). Tapi lamun (nu maot téh boga) dua dulur awéwé, pikeun duanana (meunang) bagian dua pertiluna tina harta titinggal manéhna. Lamun ahli warisna téh aya sababaraha dulur lalaki jeung sababaraha dulur awéwé, nya bagian hiji dulur lalaki mah saperti bagian keur dua dulur awéwé. Allah nerangkeun (ieu hukum) ka aranjeun supaya henteu sasar (dina ngabagi waris). Allah téh Mahauninga kana sagala hal.
250) Kalālah téh nyaéta jalma anu maot tapi teu ngabogaan anak atawa bapa.