Surah Az-Zumar
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
تَنْزِيْلُ الْكِتٰبِ مِنَ اللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْحَكِيْمِ١
Tanzīlul-kitābi minallāhil-‘azīzil-ḥakīm(i).
[1]
Diturunkeunana ieu Kitab (Al-Qur’an) téh ti Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
اِنَّآ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ فَاعْبُدِ اللّٰهَ مُخْلِصًا لَّهُ الدِّيْنَۗ٢
Innā anzalnā ilaikal-kitāba bil-ḥaqqi fa‘budillāha mukhliṣal lahud-dīn(a).
[2]
Sabenerna Kami geus nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) kalayan hak. Ku sabab kitu, prak geura ibadah ka Allah kalayan ihlas dina kataatan ka Mantenna.
اَلَا لِلّٰهِ الدِّيْنُ الْخَالِصُ ۗوَالَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءَۘ مَا نَعْبُدُهُمْ اِلَّا لِيُقَرِّبُوْنَآ اِلَى اللّٰهِ زُلْفٰىۗ اِنَّ اللّٰهَ يَحْكُمُ بَيْنَهُمْ فِيْ مَا هُمْ فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ ەۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِيْ مَنْ هُوَ كٰذِبٌ كَفَّارٌ٣
Alā lillāhid-dīnul-khāliṣ(u), wal-lażīnattakhażū min dūnihī auliyā'(a), mā na‘buduhum illā liyuqarribūnā ilallāhi zulfā, innallāha yaḥkumu bainahum fī mā hum fīhi yakhtalifūn(a), innallāha lā yahdī man huwa kāżibun kaffār(un).
[3]
Sing inget, mung kagungan Allah agama nu bersih (tina sirik). Jalma-jalma nu ngayakeun panyalindungan salian ti Mantenna (nyarita), “Kuring saréréa teu nyembah maranéhna iwal ti (miharep) sangkan maranéhna ngadeukeutkeun kuring saréréa ka Allah sadeukeut-deukeutna.” Saleresna Allah bakal masihan putusan di antara maranéhna tina sagala rupa anu dipaséakeun. Saleresna Allah moal méré pituduh ka saha baé nu ngabohong tur kacida ingkarna.
لَوْ اَرَادَ اللّٰهُ اَنْ يَّتَّخِذَ وَلَدًا لَّاصْطَفٰى مِمَّا يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ ۙ سُبْحٰنَهٗ ۗهُوَ اللّٰهُ الْوَاحِدُ الْقَهَّارُ٤
Wa lau arādallāhu ay yattakhiża waladal laṣṭafā mimmā yakhluqu mā yasyā'(u), subḥānah(ū), huwallāhul-wāḥidul-qahhār(u).
[4]
Saupami badé ngangkat putra, tinangtos Allah bakal milih ka nu dikersakeun ku Mantenna ti mahluk nu diciptakeun ku Mantenna. Mahasuci Mantenna. Mantenna téh Allah Nu Mahatunggal (tur) Nu Mahakawasa.
خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّۚ يُكَوِّرُ الَّيْلَ عَلَى النَّهَارِ وَيُكَوِّرُ النَّهَارَ عَلَى الَّيْلِ وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَۗ كُلٌّ يَّجْرِيْ لِاَجَلٍ مُّسَمًّىۗ اَلَا هُوَ الْعَزِيْزُ الْغَفَّارُ٥
Khalaqas-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqq(i), yukawwirul-laila ‘alan-nahāri wa yukawwirun nahāra ‘alal-laili wa sakhkharasy-syamsa wal-qamar(a), kulluy yajrī li'ajalim musammā(n), alā huwal-‘azīzul-gaffār(u).
[5]
Mantenna nyiptakeun langit jeung bumi kalayan hak (anu bener). Mantenna nutupkeun peuting kana beurang sarta nutupkeun beurang kana peuting, sarta nundukkeun panonpoé jeung bulan. Masing-masing muter nurut kana wanci nu geus ditangtukeun. Sing inget, Mantenna téh Mahagagah (tur) Maha Jembar-pangampura.
خَلَقَكُمْ مِّنْ نَّفْسٍ وَّاحِدَةٍ ثُمَّ جَعَلَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَاَنْزَلَ لَكُمْ مِّنَ الْاَنْعَامِ ثَمٰنِيَةَ اَزْوَاجٍ ۗ يَخْلُقُكُمْ فِيْ بُطُوْنِ اُمَّهٰتِكُمْ خَلْقًا مِّنْۢ بَعْدِ خَلْقٍ فِيْ ظُلُمٰتٍ ثَلٰثٍۗ ذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْ لَهُ الْمُلْكُۗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ فَاَنّٰى تُصْرَفُوْنَ٦
Khalaqakum min nafsiw wāḥidatin ṡumma ja‘ala minhā zaujahā wa anzala lakum minal-an‘āmi ṡamāniyata azwāj(in), yakhluqukum fī buṭūni ummahātikum khalqam mim ba‘di khalqin fī ẓulumātin ṡalāṡ(in), żālikumullāhu rabbukum lahul-mulk(u), lā ilāha illā huw(a), fa'annā tuṣrafūn(a).
[6]
Mantenna nyiptakeun maranéh tina hiji jiwa (Adam), tuluy tina éta (jiwa) Mantenna ngajadikeun pasanganana. Mantenna ogé nurunkeun dalapan pasang ingon-ingon pikeun maranéh. Mantenna nyiptakeun maranéh dina jero beuteung indung-indung maranéh jadi sababaraha kajadian dina tilu pepeteng. 787 Anu (ngadamel) saperti kitu téh nyaéta Allah, Pangéran maranéh, Pangéran nu kagungan karajaan. Teu aya deui Pangéran (nu hak disembah) iwal ti Mantenna. Kunaon maranéh nepi ka bisa dibalieurkeun (tina bebeneran)?
787) Tilu pepeteng éta téh nyaéta pepeteng dina jero beuteung, pepeteng dina jero rahim, jeung pepeteng dina salaput anu nutup jabang bayi di jero rahim.
اِنْ تَكْفُرُوْا فَاِنَّ اللّٰهَ غَنِيٌّ عَنْكُمْ ۗوَلَا يَرْضٰى لِعِبَادِهِ الْكُفْرَۚ وَاِنْ تَشْكُرُوْا يَرْضَهُ لَكُمْۗ وَلَا تَزِرُ وَازِرَةٌ وِّزْرَ اُخْرٰىۗ ثُمَّ اِلٰى رَبِّكُمْ مَّرْجِعُكُمْ فَيُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَۗ اِنَّهٗ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٧
In takfurū fa'innallāha ganiyyun ‘ankum, wa lā yarḍā li‘ibādihil-kufr(a), wa in tasykurū yarḍahu lakum, wa lā taziru wāziratuw wizra ukhrā, ṡumma ilā rabbikum marji‘ukum fa yunabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[7]
Upama maranéh kupur, sabenerna Allah mah henteu butuh 788 ku maranéh jeung henteu ridoeun kana kakupuran hamba-hamba-Na. (Tapi) lamun maranéh sukuran, tangtu Allah mikarido kana sukuran maranéh. Jiwa nu ngabogaan dosa moal bisa nanggung dosa nu lian. 789 Ngan ka Pangéran maranéh tempat pangbalikan maranéh, tuluy Mantenna ngawawarkeun ka maranéh tina sagala rupa nu ku maranéh geus dipilampah (di alam dunya). Sabenerna Mantenna mah Mahauninga kana saeusining dada.
788) Jalma nu iman atawa henteu iman sama sakali teu ngarugikeun Allah masing saeutik ogé.
789) Masing-masing jalma nanggung dosa-dosana sorangan.
۞ وَاِذَا مَسَّ الْاِنْسَانَ ضُرٌّ دَعَا رَبَّهٗ مُنِيْبًا اِلَيْهِ ثُمَّ اِذَا خَوَّلَهٗ نِعْمَةً مِّنْهُ نَسِيَ مَا كَانَ يَدْعُوْٓا اِلَيْهِ مِنْ قَبْلُ وَجَعَلَ لِلّٰهِ اَنْدَادًا لِّيُضِلَّ عَنْ سَبِيْلِهٖ ۗ قُلْ تَمَتَّعْ بِكُفْرِكَ قَلِيْلًا ۖاِنَّكَ مِنْ اَصْحٰبِ النَّارِ٨
Wa iżā massal-insāna ḍurrun da‘ā rabbahū munīban ilaihi ṡumma iżā khawwalahū ni‘matan minhu nasiya mā kāna yad‘ū ilaihi min qablu wa ja‘ala lilllāhi andādal liyuḍilla ‘an sabīlih(ī), qul tamatta‘ bikufrika qalīlā(n), innaka min aṣḥābin-nār(i).
[8]
Upama ditibanan musibah, manusa ménta tulung (ngadoa) ka Pangéranana kalayan tobat (ta’at) ka Mantenna, tuluy upama Mantenna masihan kani’matan keur manéhna, lat baé manéhna poho kana naon nu saméméhna kungsi ngadoa ka Allah, jeung nyieun sarékat-sarékat pikeun Allah keur nyasarkeun (manusa) tina jalan Mantenna. Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pék suka bungah sakeudeung ku kakupuran maranéh, saenyana maranéh téh kaasup ahli naraka.”
اَمَّنْ هُوَ قَانِتٌ اٰنَاۤءَ الَّيْلِ سَاجِدًا وَّقَاۤىِٕمًا يَّحْذَرُ الْاٰخِرَةَ وَيَرْجُوْا رَحْمَةَ رَبِّهٖۗ قُلْ هَلْ يَسْتَوِى الَّذِيْنَ يَعْلَمُوْنَ وَالَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ ۗ اِنَّمَا يَتَذَكَّرُ اُولُوا الْاَلْبَابِ ࣖ٩
Amman huwa qānitun ānā'al-laili sājidaw wa qā'imay yaḥżarul-ākhirata wa yarjū raḥmata rabbih(ī), qul hal yastawil-lażīna ya‘lamūna wal-lażīna lā ya‘lamūn(a), innamā yatażakkaru ulul-albāb(i).
[9]
(Naha jalma-jalma musrik téh nu leuwih untung) atawa jalma nu ibadah dina waktu peuting kalayan sujud, nangtung, jeung ngarasa sieun ku (siksa) ahérat, sarta miharep rahmat Pangéranana? Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha sarua jalma-jalma nu nyaho jeung jalma-jalma nu teu nyaho? Sabenerna ngan jalma-jalma nu boga akal séhat nu bisa narima atikan.”
قُلْ يٰعِبَادِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوْا رَبَّكُمْ ۗلِلَّذِيْنَ اَحْسَنُوْا فِيْ هٰذِهِ الدُّنْيَا حَسَنَةٌ ۗوَاَرْضُ اللّٰهِ وَاسِعَةٌ ۗاِنَّمَا يُوَفَّى الصّٰبِرُوْنَ اَجْرَهُمْ بِغَيْرِ حِسَابٍ١٠
Qul yā ‘ibādil-lażīna āmanuttaqū rabbakum, lil-lażīna aḥsanū fī hāżihid-dun-yā ḥasanah(tun), wa arḍullāhi wāsi‘ah(tun), innamā yuwaffaṣ-ṣābirūna ajrahum bigairi ḥisāb(in).
[10]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé hamba-hamba Kami nu iman, kudu takwa ka Pangéran aranjeun! Jalma-jalma nu migawé kahadéan di dunya bakal meunang kahadéan. Bumi Allah téh lega. Sabenerna ngan jalma-jalma nu sabar anu disampurnakeun ganjaranana tanpa itungan.
قُلْ اِنِّيْٓ اُمِرْتُ اَنْ اَعْبُدَ اللّٰهَ مُخْلِصًا لَّهُ الدِّيْنَ١١
Qul innī umirtu an a‘budallāha mukhliṣal lahud-dīn(a).
[11]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring diparéntah sangkan nyembah Allah kalayan ngaihlaskeun kataatan ka Mantenna.
وَاُمِرْتُ لِاَنْ اَكُوْنَ اَوَّلَ الْمُسْلِمِيْنَ١٢
Wa umirtu li'an akūna awwalal-muslimīn(a).
[12]
Kuring diparéntah sangkan jadi jalma nu pangheulana sumerah diri.”
قُلْ اِنِّيْٓ اَخَافُ اِنْ عَصَيْتُ رَبِّيْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ١٣
Qul innī akhāfu in ‘aṣaitu rabbī ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[13]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring sieun ku siksaan dina poé nu kacida rongkah, upama kuring wangkelang ka Pangéran kuring.”
قُلِ اللّٰهَ اَعْبُدُ مُخْلِصًا لَّهٗ دِيْنِيْۚ١٤
Qulillāha a‘budu mukhliṣal lahū dīnī.
[14]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kami ngan nyembah ka Allah, kalayan pinuh ku kaihlasan dina enggoning (ngajalankeun) agama kuring.”
فَاعْبُدُوْا مَا شِئْتُمْ مِّنْ دُوْنِهٖۗ قُلْ اِنَّ الْخٰسِرِيْنَ الَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ وَاَهْلِيْهِمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِۗ اَلَا ذٰلِكَ هُوَ الْخُسْرَانُ الْمُبِيْنُ١٥
Fa‘budū mā syi'tum min dūnih(ī), qul innal-khāsirīnal-lażīna khasirū anfusahum wa ahlīhim yaumal-qiyāmah(ti), alā żālika huwal-khusrānul-mubīn(u).
[15]
Mangka pék sarembah ku maranéh sakumaha kahayang maranéh (hé jalma-jalma musrik) 790 salian ti Mantenna, pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna jalma-jalma nu rugi téh nyaéta anu ngarugikeun dirina sorangan jeung kulawargana di Poé Kiamat.” Kudu inget yén nu sarupa kitu téh mangrupa karugian nu nyata.
790) Paréntah ieu téh lain arti nu sabenerna, tapi ngajelaskeun kamurkaan Allah ka kaom musrikin anu geus sababaraha kali diajak kana agama taohid, tapi maranéhna salilana ingkar.
لَهُمْ مِّنْ فَوْقِهِمْ ظُلَلٌ مِّنَ النَّارِ وَمِنْ تَحْتِهِمْ ظُلَلٌ ۗذٰلِكَ يُخَوِّفُ اللّٰهُ بِهٖ عِبَادَهٗ ۗيٰعِبَادِ فَاتَّقُوْنِ١٦
Lahum min fauqihim ẓulalum minan-nāri wa min taḥtihim ẓulal(un), żālika yukhawwifullāhu bihī ‘ibādah(ū), yā ‘ibādi fattaqūn(i).
[16]
Pikeun maranéhna disadiakeun seuneu anu manglapis-lapis ti luhureun maranéhna jeung seuneu ti sahandapeunana anu manglapis-lapis ogé. Tah kitu pisan Allah ngancam hamba-hamba-Na ku éta siksaan. Hé hamba-hamba Kami, pék atuh maranéh téh kudu takwa ka Kami.
وَالَّذِيْنَ اجْتَنَبُوا الطَّاغُوْتَ اَنْ يَّعْبُدُوْهَا وَاَنَابُوْٓا اِلَى اللّٰهِ لَهُمُ الْبُشْرٰىۚ فَبَشِّرْ عِبَادِۙ١٧
Wal-lażīnajtanabuṭ-ṭāgūta ay ya‘budūhā wa anābū ilallāhi lahumul-busyrā, fabasysyir ‘ibād(i).
[17]
Ari jalma-jalma nu ngajauhan Ṭāgūt téh (nyaéta) maranéhna teu 791 nyembah (ṭāgūt) jeung maranéhna balik (tumut) ka Allah, nya pikeun maranéhna téh béja pikabungaheun (ganjaran). Ku kituna, pék geura béré kabungah ku hidep keur hamba-hamba Kami.
791) Ṭāgūt téh nyaéta sétan jeung naon baé anu disembah salian ti Allah Swt.
الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ اَحْسَنَهٗ ۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ هَدٰىهُمُ اللّٰهُ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمْ اُولُوا الْاَلْبَابِ١٨
Allażīna yastami‘ūnal-qaula fa yattabi‘ūna aḥsanah(ū), ulā'ikal-lażīna hadāhumullāhu wa ulā'ika hum ulul-albāb(i).
[18]
(nyaéta) jalma-jalma anu niténan dawuhan tuluy tumut kana panghadé-hadéna (dawuhan). 792 Aranjeunna téh jalma-jalma anu dibéré pituduh ku Allah. Aranjeunna téh nyaéta jalma-jalma nu boga akal séhat.
792) Maranéhna nu ngadéngékeun atikan-atikan Al-Qur’an jeung atikan-atikan nu séjén, tapi manéhna ngan tumut kana atikan-atikan tina Al-Qur’an, ku sabab kitu manéhna téh jalma nu panghadé-hadéna.
اَفَمَنْ حَقَّ عَلَيْهِ كَلِمَةُ الْعَذَابِۗ اَفَاَنْتَ تُنْقِذُ مَنْ فِى النَّارِ ۚ١٩
Afaman ḥaqqa ‘alaihi kalimatul-‘ażāb(i), afa'anta tunqiżu man fin-nār(i).
[19]
Naha (hidep rék ngarobah nasib) jalma-jalma anu geus pasti bakal ditibanan siksa? Naha hidep bisa nyalametkeun (maranéhna) nu aya di jero naraka?
لٰكِنِ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا رَبَّهُمْ لَهُمْ غُرَفٌ مِّنْ فَوْقِهَا غُرَفٌ مَّبْنِيَّةٌ ۙتَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ ەۗ وَعْدَ اللّٰهِ ۗ لَا يُخْلِفُ اللّٰهُ الْمِيْعَادَ٢٠
Lākinil-lażīnattaqau rabbahum lahum gurafum min fauqihā gurafum mabniyyah(tun), tajrī min taḥtihal-anhār(u), wa‘dallāh(i), lā yukhlifullāhul-mī‘ād(a).
[20]
Tapi pikeun jalma-jalma anu takwa ka Pangéranana disadiakeun mangpirang-pirang kamar (di sawarga) anu di luhureunana aya deui kamar-kamar anu diwangun (sababaraha umpak), anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Éta téh mangrupa jangji Allah (anu sabener-benerna). Allah mah moal jalir kana jangji-Na.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَسَلَكَهٗ يَنَابِيْعَ فِى الْاَرْضِ ثُمَّ يُخْرِجُ بِهٖ زَرْعًا مُّخْتَلِفًا اَلْوَانُهٗ ثُمَّ يَهِيْجُ فَتَرٰىهُ مُصْفَرًّا ثُمَّ يَجْعَلُهٗ حُطَامًا ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَذِكْرٰى لِاُولِى الْاَلْبَابِ ࣖ٢١
Alam tara annallāha anzala minas-samā'i mā'an fasalakahū yanābī‘a fil-arḍi ṡumma yaj‘aluhū ḥuṭāmā(n), ina fī żālika lażikrā li'ulil-albāb(i).
[21]
Naha anjeun henteu ningali yén sabenerna Allah geus nurunkeun cihujan ti langit, tuluy Mantenna ngocorkeun éta (cai) kana sumber-sumberna di ieu bumi. Tuluy ku éta (cai) téh Mantenna numuwuhkeun (tatangkalan) anu rupa-rupa warnana, tuluy éta tutuwuhan téh layu sarta katénjo ku anjeun jadi konéng, lajeng Mantenna ngajadikeun tutuwuhan jadi ancur. Sabenerna dina éta kajadian pasti aya panggeuing pikeun jalma-jalma nu boga akal séhat.
اَفَمَنْ شَرَحَ اللّٰهُ صَدْرَهٗ لِلْاِسْلَامِ فَهُوَ عَلٰى نُوْرٍ مِّنْ رَّبِّهٖ ۗفَوَيْلٌ لِّلْقٰسِيَةِ قُلُوْبُهُمْ مِّنْ ذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٢٢
Afaman syaraḥallāhu ṣadrahū lil-islāmi fahuwa ‘alā nūrim mir rabbih(ī), fawailul lil-qāsiyati qulūbuhum min żikrillāh(i), ulā'ika fī ḍalālim mubīn(in).
[22]
Naha (ari) jalma-jalma anu dibukakeun haténa ku Allah pikeun (narima) agama Islam, tuluy anjeunna dibéré cahya ku Pangéranana (sarua jeung jalma nu haténa ngabatu)? Nya kacida cilakana jalma-jalma nu ngabatu haténa tina éling ka Allah. Maranéhna téh (aya) dina kasasaran nu nyata.
اَللّٰهُ نَزَّلَ اَحْسَنَ الْحَدِيْثِ كِتٰبًا مُّتَشَابِهًا مَّثَانِيَۙ تَقْشَعِرُّ مِنْهُ جُلُوْدُ الَّذِيْنَ يَخْشَوْنَ رَبَّهُمْ ۚ ثُمَّ تَلِيْنُ جُلُوْدُهُمْ وَقُلُوْبُهُمْ اِلٰى ذِكْرِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ هُدَى اللّٰهِ يَهْدِيْ بِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ هَادٍ٢٣
Allāhu nazzala aḥsanal-ḥadīṡi kitābam mutasyābiham maṡāniy(a), taqsya‘irru minhu julūdul-lażīna yakhsyauna rabbahum, ṡumma talīnu julūduhum wa qulūbuhum ilā żikrillāh(i), żālika hudallāhi yahdī bihī may yasyā'(u), wa may yuḍlilillāhu famā lahū min hād(in).
[23]
Allah geus nurunkeun pangsaé-saéna dawuhan (nyaéta) Al-Qur’an nu sarupa (ayat-ayatna) jeung diulang-ulang sababaraha kali, 793 nu matak murinding bulu punduk alatan sieun ku Pangéranana, tuluy kulit leuleus jeung haténa léah waktu inget (dikir) ka Allah. Éta téh mangrupa pituduh Allah. Mantenna méré pituduh ku éta Kitab ka saha baé jalma anu dipikersa. Saha baé anu diantep sasar ku Allah, mangka keur manéhna moal aya saurang ogé anu méré pituduh.
793) Hukum-hukum, atikan-atikan tur kisah-kisah diulang-ulang dina Al-Qur’an sangkan leuwih kuat pangaruh jeung pangaweruhna asup kana haté. Sawaréh ahli tapsir nyebutkeun yén nu dimaksud diulang-ulang téh saperti maca muqaddimah al-Fātiḥah anu sok dibaca diulang-ulang.
اَفَمَنْ يَّتَّقِيْ بِوَجْهِهٖ سُوْۤءَ الْعَذَابِ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗوَقِيْلَ لِلظّٰلِمِيْنَ ذُوْقُوْا مَا كُنْتُمْ تَكْسِبُوْنَ٢٤
Afamay yattaqī biwajhihī sū'al-‘ażābi yaumal-qiyāmah(ti), wa qīla liẓ-ẓālimīna żūqū mā kuntum taksibūn(a).
[24]
Naha ari jalma-jalma anu nyingkahan siksaan anu kacida goréngna ku beungeutna dina Poé Kiamat (sarua jeung jalma mu’min nu salamet tina siksaan)? Dicaritakeun ka jalma-jalma nu dolim, “Pék rasakeun wawales kalakuan anu geus dipilampah ku maranéh!”
كَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَاَتٰىهُمُ الْعَذَابُ مِنْ حَيْثُ لَا يَشْعُرُوْنَ٢٥
Każżabal-lażīna min qablihim fa'atāhumul-‘ażābu mi ḥaiṡu lā yasy‘urūn(a).
[25]
Jalma-jalma anu leuwih ti heula tibatan maranéh geus ngabohongkeun (ka para rasul), mangka tumiba ka maranéhna siksaan ti lebah anu ku maranéhna teu disangka-sangka.
فَاَذَاقَهُمُ اللّٰهُ الْخِزْيَ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۚوَلَعَذَابُ الْاٰخِرَةِ اَكْبَرُ ۘ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ٢٦
Fa ażāqahumullāhul-khizya fil-ḥayātid-dun-yā, wa la‘ażābul-ākhirati akbar(u), lau kānū ya‘lamūn(a).
[26]
Mangka, Allah nibankeun ka maranéhna kahinaan dina kahirupan dunya. Saenyana siksaan ahérat leuwih rongkah lamun (baé) maranéh nyahoeun.
وَلَقَدْ ضَرَبْنَا لِلنَّاسِ فِيْ هٰذَا الْقُرْاٰنِ مِنْ كُلِّ مَثَلٍ لَّعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَۚ٢٧
Wa laqad ḍarabnā lin-nāsi fī hāżal-qur'āni min kulli maṡalil la‘allahum yatażakkarūn(a).
[27]
Sabenerna Kami bener-bener geus nyieun rupa-rupa paupamaan dina ieu Al-Qur’an pikeun manusa, sangkan maranéhna narima atikan.
قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا غَيْرَ ذِيْ عِوَجٍ لَّعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ٢٨
Qur'ānan ‘arabiyyan gaira żī ‘iwajil la‘allahum yattaqūn(a).
[28]
(Nyaéta) Al-Qur’an dina basa Arab anu henteu aya béngkokna (di jerona), sangkan maranéhna takwa.
ضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا رَّجُلًا فِيْهِ شُرَكَاۤءُ مُتَشٰكِسُوْنَ وَرَجُلًا سَلَمًا لِّرَجُلٍ هَلْ يَسْتَوِيٰنِ مَثَلًا ۗ اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ ۗبَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٢٩
Ḍaraballāhu maṡalar rajulan fīhi syurakā'u mutasyākisūna wa rajulan salamal lirajulin hal yastawiyāni maṡalā(n), al-ḥamdu lillāh(i), bal akṡaruhum lā ya‘lamūn(a).
[29]
Allah ngadamel paupamaan (nyaéta) hiji lalaki (budak beulian) anu ngadunungan ka sababaraha urang anu sok paraséa baé, jeung hiji lalaki (budak beulian) anu ngan ngadunungan ka saurang (baé). Naha éta dua budak beulian téh sarua kaayaanana? Sagala puji kagungan Allah, Tapi lolobana ti maranéhna henteu nyahoeun.
اِنَّكَ مَيِّتٌ وَّاِنَّهُمْ مَّيِّتُوْنَ ۖ٣٠
Innaka mayyituw wa innahum mayyitūn(a).
[30]
Sabenerna hidep (Muhammad) téh bakal pupus, jeung maranéhna ogé bakal maot.
ثُمَّ اِنَّكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ عِنْدَ رَبِّكُمْ تَخْتَصِمُوْنَ ࣖ ۔٣١
Ṡumma innakum yaumal-qiyāmati ‘inda rabbikum takhtaṣimūn(a).
[31]
Tuluy saenyana maranéh (jalma-jalma musrik) dina Poé Kiamat bakal silih musuhan di sisi Pangéranana.
۞ فَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ كَذَبَ عَلَى اللّٰهِ وَكَذَّبَ بِالصِّدْقِ اِذْ جَاۤءَهٗۗ اَلَيْسَ فِيْ جَهَنَّمَ مَثْوًى لِّلْكٰفِرِيْنَ٣٢
Faman aẓlamu mimman każaba ‘alallāhi wa każżaba biṣ-ṣidqi iż jā'ah(ū), alaisa fī jahannama maṡwal lil-kāfirīn(a).
[32]
Saha anu leuwih dolim tinimbang jalma anu sok jijieunan bohong ka Allah jeung ngabohongkeun kana bebeneran nu datang ka manéhna? Lain di naraka Jahanam téh disadiakeun padumukan pikeun jalma-jalma kapir?
وَالَّذِيْ جَاۤءَ بِالصِّدْقِ وَصَدَّقَ بِهٖٓ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُتَّقُوْنَ٣٣
Wal-lażī jā'a biṣ-ṣidqi wa ṣaddaqa bihī ulā'ika humul-muttaqūn(a).
[33]
Jalma nu mawa bebeneran (Muhammad) jeung jalma-jalma anu ngabenerkeunana, aranjeunna téh jalma-jalma nu takwa.
لَهُمْ مَّا يَشَاۤءُوْنَ عِنْدَ رَبِّهِمْ ۗ ذٰلِكَ جَزَاۤءُ الْمُحْسِنِيْنَۚ٣٤
Lahum mā yasyā'ūna ‘inda rabbihim, żālika jazā'ul-muḥsinīn(a).
[34]
Aranjeunna meunang sagala rupa nu dipikahayang ku aranjeunna di mungguhing Pangéranana. Éta téh ganjaran pikeun jalma-jalma nu migawé kahadéan.
لِيُكَفِّرَ اللّٰهُ عَنْهُمْ اَسْوَاَ الَّذِيْ عَمِلُوْا وَيَجْزِيَهُمْ اَجْرَهُمْ بِاَحْسَنِ الَّذِيْ كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٣٥
Liyukaffirallāhu ‘anhum aswa'al-lażī ‘amilū wa yajziyahum ajrahum bi'aḥsanil-lażī kānū ya‘malūn(a).
[35]
Allah bakal nutupan (ngahapunten) pikeun aranjeunna sagala kagoréngan nu geus dipigawé, sareng bakal males ka aranjeunna ku ganjaran nu leuwih hadé tinimbang nu kungsi dipigawé ku aranjeunna.
اَلَيْسَ اللّٰهُ بِكَافٍ عَبْدَهٗۗ وَيُخَوِّفُوْنَكَ بِالَّذِيْنَ مِنْ دُوْنِهٖۗ وَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ هَادٍۚ٣٦
Alaisallāhu bikāfin ‘abdah(ū), wa yukhawwifūnaka bil-lażīna min dūnih(ī), wa may yuḍlilillāhu famā lahū min hād(in).
[36]
Apanan Allah téh cukup pikeun nangtayungan ka hamba-hamba-Na? Maranéhna nyingsieunan hidep (ku sesembahan) anu salian ti Allah? Saha baé jalma anu disasarkeun ku Allah, nya pikeun manéhna moal aya nu bisa meré pituduh saurang ogé.
وَمَنْ يَّهْدِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ مُّضِلٍّ ۗ اَلَيْسَ اللّٰهُ بِعَزِيْزٍ ذِى انْتِقَامٍ٣٧
Wa may yahdillāhu famā lahū min muḍill(in), alaisallāhu bi‘azīzin żintiqām(in).
[37]
Saha baé jalma nu dipasihan pituduh ku Allah, nya moal aya saurang ogé nu bisa nyasarkeunana. Apanan Allah téh Mahagagah (tur) Anu Kagungan (kakawasaan pikeun) nyiksa?
وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ لَيَقُوْلُنَّ اللّٰهُ ۗ قُلْ اَفَرَءَيْتُمْ مَّا تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اِنْ اَرَادَنِيَ اللّٰهُ بِضُرٍّ هَلْ هُنَّ كٰشِفٰتُ ضُرِّهٖٓ اَوْ اَرَادَنِيْ بِرَحْمَةٍ هَلْ هُنَّ مُمْسِكٰتُ رَحْمَتِهٖۗ قُلْ حَسْبِيَ اللّٰهُ ۗعَلَيْهِ يَتَوَكَّلُ الْمُتَوَكِّلُوْنَ٣٨
Wa la'in sa'altahum man khalaqas-samāwāti wal-arḍa layaqūlunnallāh(u), qul afara'aitum mā tad‘ūna min dūnillāhi in arādaniyallāhu biḍurrin hal hunna kāsyifātu ḍurrihī au arādanī biraḥmatin hal hunna mumsikātu raḥmatih(ī), qul ḥasbiyallāh(u), ‘alaihi yatawakkalul-mutawakkilūn(a).
[38]
Sabenerna saupama hidep nanya ka maranéhna, “Saha nu nyiptakeun langit jeung bumi?” Tinangtu maranéhna bakal ngajawab, “Allah!” Tanyakeun (ogé) ku hidep, “Geura jelaskeun ku maranéh ka kuring ngeunaan nu sok ku maranéhna disambat salian ti Allah. Upama Allah ngersakeun rék ngadatangkeun kamadaratan ka kuring, naha berhala-berhala aranjeun téh rék bisa ngaleungitkeun kamadaratan (ti) Mantenna; atawa upama Allah ngersakeun badé maparin rahmat ka kuring, naha berhala-berhala téh bisaeun nahan rahmat-Na?” Pék caritakeun, “Cukup ngan Allah pikeun kuring mah.” Mung ka Mantenna wungkul tawekalna jalma-jalma nu sumerah diri.
قُلْ يٰقَوْمِ اعْمَلُوْا عَلٰى مَكَانَتِكُمْ اِنِّيْ عَامِلٌ ۚفَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَۙ٣٩
Qul yā qaumi‘malū ‘alā makānatikum innī ‘āmil(un), fa saufa ta‘lamūn(a).
[39]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé kaom kuring, pék digawé luyu jeung kalungguhan aranjeun (masing-masing). Sabenerna kuring ogé digawé (luyu jeung kalungguhan kuring), mangka engké ogé aranjeun bakal nyaho
مَنْ يَّأْتِيْهِ عَذَابٌ يُّخْزِيْهِ وَيَحِلُّ عَلَيْهِ عَذَابٌ مُّقِيْمٌ٤٠
May ya'tīhi ‘ażābuy yukhzīhi wa yaḥillu ‘alaihi ‘ażābum muqīm(un).
[40]
saha baé jalma nu bakal ditibanan siksa nu ngahinakeun, jeung saha baé jalma nu bakal ditibanan siksaan nu langgeng.”
اِنَّآ اَنْزَلْنَا عَلَيْكَ الْكِتٰبَ لِلنَّاسِ بِالْحَقِّۚ فَمَنِ اهْتَدٰى فَلِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ ضَلَّ فَاِنَّمَا يَضِلُّ عَلَيْهَا ۚوَمَآ اَنْتَ عَلَيْهِمْ بِوَكِيْلٍ ࣖ٤١
Innā anzalnā ‘alaikal-kitāba lin-nāsi bil-ḥaqq(i), fa manihtadā fa linafsih(ī), wa man ḍalla fa innamā yaḍillu ‘alaihā, wa mā anta ‘alaihim biwakīl(in).
[41]
Sabenerna Kami geus nurunkeun ka hidep Kitab (Al-Qur’an) pikeun manusa kalayan mawa bebeneran. Ku kituna, saha baé jalma nu dibéré pituduh, (éta pituduh téh) keur dirina sorangan, jeung saha baé jalma nu sasar, saenyana sasarna téh pikeun dirina (sorangan); jeung hidep (Muhammad) sama sakali lain jalma nu kudu tanggung jawab kana sagala laku lampah maranéhna.
اَللّٰهُ يَتَوَفَّى الْاَنْفُسَ حِيْنَ مَوْتِهَا وَالَّتِيْ لَمْ تَمُتْ فِيْ مَنَامِهَا ۚ فَيُمْسِكُ الَّتِيْ قَضٰى عَلَيْهَا الْمَوْتَ وَيُرْسِلُ الْاُخْرٰىٓ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّىۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ٤٢
Allāhu yatawaffal-anfusa ḥīna mautihā wal-latī lam tamut fī manāmihā, fayumsikul-latī qaḍā ‘alaihal-mauta wa yursilul-ukhrā ilā ajalim musammā(n), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yatafakkarūn(a).
[42]
Allah nu nyekel (kalayan sampurna) nyawa (mahluk) waktu (datang) waktu maotna (nepi ka éta nyawa papisah jeung raga), jeung (nyekel) nyawa (mahluk) anu can maot waktu keur saré. Ku kituna, Mantenna nahan nyawa (mahluk) nu geus ditetepkeun papastén maotna. Mantenna ogé ngaleupaskeun deui nyawa mahluk nepi ka waktuna nu geus ditangtukeun. 794 Sabenerna dina perkara nu kitu téh aya tanda-tanda (kakawasan Allah) keur kaom anu mikir.
794) Jalma-jalma nu maot téh nyawana ditahan ku Allah nepi ka teu bisa mulang deui kana jasadna. Jalma-jalma anu can maot tapi ngan saukur saré rohna dileupaskeun, tuluy balik deui kana jasad-jasadna.
اَمِ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ شُفَعَاۤءَۗ قُلْ اَوَلَوْ كَانُوْا لَا يَمْلِكُوْنَ شَيْـًٔا وَّلَا يَعْقِلُوْنَ٤٣
Amittakhażū min dūnillāhi syufa‘ā'(a), qul awalau kānū lā yamlikūna syai'aw wa lā ya‘qilūn(a).
[43]
Naha maranéhna kalah ka ngajadikeun anu salian ti Allah téh purah nulungan. Pék caritakeun ku hidep, “Naha (aranjeun ngajadikeun sesembahan) sok sanajan teu ngabogaan naon-naon sanajan saeutik ogé jeung manéhna teu bisaeun mikir?”
قُلْ لِّلّٰهِ الشَّفَاعَةُ جَمِيْعًا ۗ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ ثُمَّ اِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٤٤
Qul lillāhisy-syafā‘atu jamī‘ā(n), lahū mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), ṡumma ilaihi turja‘ūn(a).
[44]
Pék caritaken ku hidep (Muhammad), “Éta pitulung téh sadayana mung kagungan Allah. Mantenna anu kagungan karajaan langit jeung bumi. Mung ka Mantenna aranjeun dibalikkeun.”
وَاِذَا ذُكِرَ اللّٰهُ وَحْدَهُ اشْمَـَٔزَّتْ قُلُوْبُ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِۚ وَاِذَا ذُكِرَ الَّذِيْنَ مِنْ دُوْنِهٖٓ اِذَا هُمْ يَسْتَبْشِرُوْنَ٤٥
Wa iżā żukirallāhu waḥdahusyma'azzat qulūbul-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirah(ti), wa iżā żukiral-lażīna min dūnihī iżā hum yastabsyirūn(a).
[45]
Saupama nu disambat téh mung jenengan Allah, nya haté jalma-jalma nu teu iman kana kahirupan ahérat téh medenghel, tapi saupama nu disambat téh sesembahan-sesembahan salian ti Allah, nya maranéhna ngadadak ngarasa bungah.
قُلِ اللّٰهُمَّ فَاطِرَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ عٰلِمَ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ اَنْتَ تَحْكُمُ بَيْنَ عِبَادِكَ فِيْ مَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ٤٦
Qulillāhumma fāṭiras-samāwāti wal-arḍi ‘ālimal-gaibi wasy-syahādati anta taḥkumu baina ‘ibādika fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[46]
Pék caritakeun, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya nu nyiptakeun langit sareng bumi, Nu Mahauninga kana sagala rupi nu gaib sareng nu kasakséni, Gusti téh anu mutuskeun di antara abdi sadaya sagala rupi nu salamina ku maranéhna sok dipaséakeun.”
وَلَوْ اَنَّ لِلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مَا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا وَّمِثْلَهٗ مَعَهٗ لَافْتَدَوْا بِهٖ مِنْ سُوْۤءِ الْعَذَابِ يَوْمَ الْقِيٰمَةِۗ وَبَدَا لَهُمْ مِّنَ اللّٰهِ مَا لَمْ يَكُوْنُوْا يَحْتَسِبُوْنَ٤٧
Wa lau anna lil-lażīna ẓalamū mā fil-arḍi jamī‘aw wa miṡlahū ma‘ahū laftadau bihī min sū'il-‘ażābi yaumal-qiyāmah(ti), wa badā lahum minallāhi mā lam yakūnū yaḥtasibūn(a).
[47]
Saupama jalma-jalma anu dolim miboga sakabéh nu aya di bumi jeung ditambahan kabogana nu sarua jeung éta, tangtu maranéhna bakal nebus dirina ku pangabogana tina siksaan anu kacida goréng dina Poé Kiamat. Geus nyata keur maranéhna siksaan nu teu kungsi disangka-sangka ku maranéhna.
وَبَدَا لَهُمْ سَيِّاٰتُ مَا كَسَبُوْا وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٤٨
Wa badā lahum sayyi'ātu mā kasabū wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[48]
Geus nyata pikeun maranéhna kagoréngan anu geus dipilampah ku maranéhna. Maranéhna dilimpudan ku wawales nu salila ieu ku maranéhna sok diguguyonkeun.
فَاِذَا مَسَّ الْاِنْسَانَ ضُرٌّ دَعَانَاۖ ثُمَّ اِذَا خَوَّلْنٰهُ نِعْمَةً مِّنَّاۙ قَالَ اِنَّمَآ اُوْتِيْتُهٗ عَلٰى عِلْمٍ ۗبَلْ هِيَ فِتْنَةٌ وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٤٩
Fa'iżā massal-insāna ḍurrun da‘ānā ṡumma iżā khawwalnāhu ni‘matam minnā, qāla innamā ūtītuhū ‘alā ‘ilm(in), bal hiya fitnatuw wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[49]
Ku kituna, upama manusa ditibanan balai, manéhna sasambat ka Kami, tuluy upama Kami méré ni’mat, manéhna nyarita, “Saenyana kuring mah dibéré ni’mat téh ku lantaran kapinteran kuring sorangan.” Sabenerna éta téh ngan saukur cocoba, tapi lolobana manusa teu nyahoeun.
قَدْ قَالَهَا الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَمَآ اَغْنٰى عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٥٠
Qad qālahal-lażīna min qablihim famā agnā ‘anhum mā kānū yaksibūn(a).
[50]
Saenyana jalma-jalma nu saméméh maranéh (ogé) kungsi ngucapkeun omongan nu sarupa kitu. Ku kituna, sagala usaha anu geus dipigawé sama sakali teu aya gunana pikeun maranéhna.
فَاَصَابَهُمْ سَيِّاٰتُ مَا كَسَبُوْا ۗوَالَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْ هٰٓؤُلَاۤءِ سَيُصِيْبُهُمْ سَيِّاٰتُ مَا كَسَبُوْا ۙوَمَا هُمْ بِمُعْجِزِيْنَ٥١
Fa'aṣābahum sayyi'ātu mā kasabū, wal-lażīna ẓalamū min hā'ulā'i sayuṣībuhum sayyi'ātu mā kasabū, wa mā hum bimu‘jizīn(a).
[51]
Tuluy maranéhna ditibanan (balai) ku sabab goréngna laku lampahna anu geus dipigawé. Jalma-jalma nu dolim ti antara maranéhna bakal ditibanan (balai) ku sabab goréngna pagawéan anu diupayakeunana, jeung maranéhna moal bisa leupas (tina siksa Allah).
اَوَلَمْ يَعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ ࣖ٥٢
Awalam ya‘lamū annallāha yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdir(u), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[52]
Naha maranéhna teu nyahoeun yén saenyana ngan Allah nu ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki ka saha baé jalma anu dikersakeun ku Mantenna? Sabenerna dina perkara anu kitu téh aya tanda-tanda kakawasaan Allah pikeun jalma-jalma anu iman.
۞ قُلْ يٰعِبَادِيَ الَّذِيْنَ اَسْرَفُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوْا مِنْ رَّحْمَةِ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ يَغْفِرُ الذُّنُوْبَ جَمِيْعًا ۗاِنَّهٗ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ٥٣
Qul yā ‘ibādiyal-lażīna asrafū ‘alā anfusihim lā taqnaṭū mir raḥmatillāh(i), innallāha yagfiruż-żunūba jamī‘ā(n), innahū huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[53]
Pék caritakeun, “Hé hamba-hamba anu geus ngaliwatan wates ka dirina sorangan, omat ulah pegat pangharepan tina rahmat Allah. Saleresna Allah bakal ngahapunten sakabéh dosa-dosa. Saleresna Mantenna téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَاَنِيْبُوْٓا اِلٰى رَبِّكُمْ وَاَسْلِمُوْا لَهٗ مِنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَكُمُ الْعَذَابُ ثُمَّ لَا تُنْصَرُوْنَ٥٤
Wa anībū ilā rabbikum wa aslimū lahū min qabli ay ya'tiyakumul-‘ażābu ṡumma lā tunṣarūn(a).
[54]
Geura balik ka Pangéran aranjeun jeung geura sumerah diri ka Mantenna saméméh datang siksaan ka aranjeun. Engké mah aranjeun moal bisa ditulungan.
وَاتَّبِعُوْٓا اَحْسَنَ مَآ اُنْزِلَ اِلَيْكُمْ مِّنْ رَّبِّكُمْ مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَكُمُ الْعَذَابُ بَغْتَةً وَّاَنْتُمْ لَا تَشْعُرُوْنَ ۙ٥٥
Wattabi‘ū aḥsana mā unzila ilaikum mir rabbikum min qabli ay ya'tiyakumul ‘ażābu bagtataw wa antum lā tasy‘urūn(a).
[55]
Geura tumut kana panghadé-hadéna nu diturunkeun ka aranjeun ti Pangéran aranjeun (Al-Qur’an) saméméh datang ka aranjeun siksaan anu ngadadak, bari aranjeun teu sadar,
اَنْ تَقُوْلَ نَفْسٌ يّٰحَسْرَتٰى عَلٰى مَا فَرَّطْتُّ فِيْ جَنْۢبِ اللّٰهِ وَاِنْ كُنْتُ لَمِنَ السّٰخِرِيْنَۙ٥٦
An taqūla yā ḥasratā ‘alā mā farraṭṭu fī jambillāhi wa in kuntu laminas-sākhirīn(a).
[56]
sangkan ulah aya jalma anu nyarita kieu, ‘Duh, pohara kaduhungna kuring tina sagala rupa katalédoran dina (ngalaksanakeun kawajiban-kawajiban) ka Allah. Saenyana kuring téh baheula kaasup jalma-jalma anu sok ngageuhgeuykeun (atikan ti Allah).’
اَوْ تَقُوْلَ لَوْ اَنَّ اللّٰهَ هَدٰىنِيْ لَكُنْتُ مِنَ الْمُتَّقِيْنَ ۙ٥٧
Au taqūla lau annallāha hadānī lakuntu minal-muttaqīn(a).
[57]
Atawa (sangkan ulah) aya nu nyarita, ‘Saenyana lamun Allah maparin pituduh ka kuring, tangtu kuring téh baheula bener-bener ka asup jalma-jalma nu takwa.’
اَوْ تَقُوْلَ حِيْنَ تَرَى الْعَذَابَ لَوْ اَنَّ لِيْ كَرَّةً فَاَكُوْنَ مِنَ الْمُحْسِنِيْنَ٥٨
Au taqūla ḥīna taral-‘ażāba lau anna lī karratan fa akūna minal-muḥsinīn(a).
[58]
Atawa (sangkan ulah) aya nu nyarita waktu nempo siksaan, ‘Sabenerna lamun seug kuring dibalikkeun deui (ka dunya), tangtu kuring téh bakal kaasup jalma-jalma nu milampah kahadéan.’”
بَلٰى قَدْ جَاۤءَتْكَ اٰيٰتِيْ فَكَذَّبْتَ بِهَا وَاسْتَكْبَرْتَ وَكُنْتَ مِنَ الْكٰفِرِيْنَ٥٩
Balā qad jā'atka āyātī fa każżabta bihā wastakbarta wa kunta minal-kāfirīn(a).
[59]
Lain kitu! Sabenerna geus datang ka manéh katerangan-katerangan Kami, tapi manéh ngabohongkeunana jeung nyombongkeun diri. Manéh téh kaasup jalma-jalma kapir.
وَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ تَرَى الَّذِيْنَ كَذَبُوْا عَلَى اللّٰهِ وُجُوْهُهُمْ مُّسْوَدَّةٌ ۗ اَلَيْسَ فِيْ جَهَنَّمَ مَثْوًى لِّلْمُتَكَبِّرِيْنَ٦٠
Wa yaumal-qiyāmati taral-lażīna każabū ‘alallāhi wujūhuhum muswaddah(tun), alaisa fī jahannama maṡwal lil-mutakabbirīn(a).
[60]
Dina Poé Kiamat hidep (Muhammad) bakal ningali jalma-jalma nu ngabohongkeun ka Allah beungeut-beungeutna hideung. Lain di jero Jahanam téh aya tempat pikeun jalma-jalma nu sombong?
وَيُنَجِّى اللّٰهُ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا بِمَفَازَتِهِمْۖ لَا يَمَسُّهُمُ السُّوْۤءُ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٦١
Wa yunajjillāhul-lażīnattaqau bimafāzatihim, lā yamassuhumus-sū'u wa lā hum yaḥzanūn(a).
[61]
Allah bakal nyalametkeun jalma-jalma nu takwa lantaran kaunggulanana (sangeusna nurut kana pituduh Mantenna). Aranjeunna moal kakeunaan ku siksa (naraka) jeung teu ngarasa nalangsa.
اَللّٰهُ خَالِقُ كُلِّ شَيْءٍ ۙوَّهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ وَّكِيْلٌ٦٢
Allāhu khāliqu kulli syai'(in), wa huwa ‘alā kulli syai'iw wakīl(un).
[62]
Allah anu nyiptakeun tur ngaraksa kana sagala rupa.
لَهٗ مَقَالِيْدُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ ࣖ٦٣
Lahū maqālīdus-samāwāti wal-arḍ(i), wal-lażīna kafarū bi'āyātillāhi ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[63]
Mung kagungan Mantenna konci-konci (gudang) langit jeung bumi. Jalma-jalma nu ingkar kana ayat-ayat Allah, nya maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.
قُلْ اَفَغَيْرَ اللّٰهِ تَأْمُرُوْۤنِّيْٓ اَعْبُدُ اَيُّهَا الْجٰهِلُوْنَ٦٤
Qul afagairallāhi ta'murūnnī a‘budu ayyuhal-jāhilūn(a).
[64]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun téh nitah ka kuring sangkan nyembah ka salian ti Allah, hé jalma-jalma nu bodo!”
وَلَقَدْ اُوْحِيَ اِلَيْكَ وَاِلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكَۚ لَىِٕنْ اَشْرَكْتَ لَيَحْبَطَنَّ عَمَلُكَ وَلَتَكُوْنَنَّ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ٦٥
Wa laqad ūḥiya ilaika wa ilal-lażīna min qablik(a), la'in asyrakta layaḥbaṭanna ‘amaluka wa latakūnanna minal-khāsirīn(a).
[65]
Sabenerna geus diwahyukeun ka hidep (Muhammad) jeung ka (para nabi) nu saméméh hidep, “Sabenerna saupama hidep nyarékatkeun (Pangéran), tangtu éta téh bakal mupus amal hidep jeung pasti hidep téh kaasup jalma-jalma nu rugi.
بَلِ اللّٰهَ فَاعْبُدْ وَكُنْ مِّنَ الشّٰكِرِيْنَ٦٦
Balillāha fa‘bud wa kum minasy-syākirīn(a).
[66]
Kusabab kitu, ngan Allah wungkul anu ku hidep kudu disembah, jeung hidep kudu kaasup ti antara jalma-jalma anu sukuran.”
وَمَا قَدَرُوا اللّٰهَ حَقَّ قَدْرِهٖۖ وَالْاَرْضُ جَمِيْعًا قَبْضَتُهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وَالسَّمٰوٰتُ مَطْوِيّٰتٌۢ بِيَمِيْنِهٖ ۗسُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٦٧
Wa mā qadarullāha ḥaqqa qadrih(ī), wal-arḍu jamī‘an qabḍatuhū yaumal-qiyāmati was-samāwātu maṭwiyyātum biyamīnih(ī), subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[67]
Maranéhna teu pisan-pisan ngagungkeun Allah ku pangagung nu samistina, padahal bumi, sakabéhna, aya dina cepengan Mantenna dina Poé Kiamat, jeung langit digulungkeun ku Panangan Mantenna. 795 Mahasuci Allah jeung Mahaluhur Allah tina sagala rupa nu ku maranéhna disarékatkeun.
795) Ieu ayat ngagambarkeun kaagungan sareng kakawasaan Allah. Mung Mantenna wungkul anu ngawasa dina Poé Kiamat téh.
وَنُفِخَ فِى الصُّوْرِ فَصَعِقَ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ اِلَّا مَنْ شَاۤءَ اللّٰهُ ۗ ثُمَّ نُفِخَ فِيْهِ اُخْرٰى فَاِذَا هُمْ قِيَامٌ يَّنْظُرُوْنَ٦٨
Wa nufikha fiṣ-ṣūri faṣa‘iqa man fis-samāwāti wa man fil-arḍi illā man syā'allāh(u), ṡumma nufikha fīhi ukhrā fa'iżā hum qiyāmuy yanẓurūn(a).
[68]
Ditiupkeun tarompét, nya paraéh sakabéh anu aya di langit jeung nu aya di bumi iwal ti saha baé nu dikersakeun ku Allah. Tuluy éta tarompét téh ditiup sakali deui, ujug-ujug deg baé maranéhna nangtung ngadagoan (putusanana masing-masing).
وَاَشْرَقَتِ الْاَرْضُ بِنُوْرِ رَبِّهَا وَوُضِعَ الْكِتٰبُ وَجِايْۤءَ بِالنَّبِيّٖنَ وَالشُّهَدَاۤءِ وَقُضِيَ بَيْنَهُمْ بِالْحَقِّ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٦٩
Wa asyraqatil-arḍu binūri rabbihā wa wuḍi‘al-kitābu wa jī'a bin-nabiyyīna wasy-syuhadā'i wa quḍiya bainahum bil-ḥaqqi wa hum lā yuẓlamūn(a).
[69]
Bumi (alam mahsar) jadi caang narawangan ku cahya (kaadilan) Pangéranana, tuluy dibagikeun buku (catetan balitungan pagawéanana masing-masing), tuluy didatangkeun para nabi jeung saksi-saksi. Ti antara maranéhna aya nu dipaparinan putusan kalayan adil, sarta maranéhna henteu pisan-pisan dirugikeun.
وَوُفِّيَتْ كُلُّ نَفْسٍ مَّا عَمِلَتْ وَهُوَ اَعْلَمُ بِمَا يَفْعَلُوْنَ ࣖ٧٠
Wa wuffiyat kullu nafsim mā ‘amilat wa huwa a‘lamu bimā yaf‘alūn(a).
[70]
Pikeun saban-saban jiwa diwales kalayan sampurna luyu jeung naon anu geus dipigawéna. Mantenna langkung uninga kana naon baé nu kungsi dipigawé ku maranéhna.
وَسِيْقَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِلٰى جَهَنَّمَ زُمَرًا ۗحَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءُوْهَا فُتِحَتْ اَبْوَابُهَا وَقَالَ لَهُمْ خَزَنَتُهَآ اَلَمْ يَأْتِكُمْ رُسُلٌ مِّنْكُمْ يَتْلُوْنَ عَلَيْكُمْ اٰيٰتِ رَبِّكُمْ وَيُنْذِرُوْنَكُمْ لِقَاۤءَ يَوْمِكُمْ هٰذَا ۗقَالُوْا بَلٰى وَلٰكِنْ حَقَّتْ كَلِمَةُ الْعَذَابِ عَلَى الْكٰفِرِيْنَ٧١
Wasīqal-lażīna kafarū ilā jahannama zumarā(n), ḥattā iżā jā'ūhā futiḥat abwābuhā wa qāla lahum khazanatuhā alam ya'tikum rusulum minkum yatlūna ‘alaikum āyāti rabbikum wa yunżirūnakum liqā'a yaumikum hāżā, qālū balā wa lākin ḥaqqat kalimatul-‘ażābi ‘alal-kāfirīn(a).
[71]
Jalma-jalma kapir digiringkeun ka naraka Jahanam sarombongan-sarombongan. Waktu maranéhna geus nepi ka naraka, panto-panto naraka dibukakeun, jeung nyarita juru-juru konci ka maranéhna, “Naha can kungsi datang ka maranéh para rasul ti antara maranéh nu mangmacakeun ayat-ayat Pangéran (ngeunaan) kana bakal papanggihna jeung poé maranéh nu ieu?” Maranéhna ngajawab, “Kantenan pisan (parantos sumping), ngan baé parantos dipastikeun putusan siksa kanggo jalma-jalma kapir mah.”
قِيْلَ ادْخُلُوْٓا اَبْوَابَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۚفَبِئْسَ مَثْوَى الْمُتَكَبِّرِيْنَ٧٢
Qīladkhulū abwāba jahannama khālidīna fīhā, fa bi'sa maṡwal-mutakabūbirīn(a).
[72]
Dicaritakeun (ka maranéhna), “Geura asup maranéh kana panto-panto naraka Jahanam bari langgeng di dinyana.” (Naraka Jahanam téh) panggoréng-goréngna padumukan pikeun jalma-jalma nu adigung.
وَسِيْقَ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا رَبَّهُمْ اِلَى الْجَنَّةِ زُمَرًا ۗحَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءُوْهَا وَفُتِحَتْ اَبْوَابُهَا وَقَالَ لَهُمْ خَزَنَتُهَا سَلٰمٌ عَلَيْكُمْ طِبْتُمْ فَادْخُلُوْهَا خٰلِدِيْنَ٧٣
Wasīqal-lażīnattaqau rabbahum ilal-jannati zumarā(n), ḥattā iżā jā'ūhā wa futiḥat abwābuhā wa qāla lahum khazanatuhā salāmun ‘alaikum ṭibtum fadkhulūhā khālidīn(a).
[73]
Ari jalma-jalma nu takwa ka Pangéranana dijajapkeun ka sawarga sarombongan-sarombongan (ogé). Waktu aranjeunna dugi ka sawarga, dibukakeun panto-pantona, nyarios juru-juru konci téh ka aranjeunna, “Kasalametan mugia tetep kanggo aranjeun! Bagja pisan aranjeun, mangga geura lebet ka ieu sawarga tur langgeng (salawasna).”
وَقَالُوا الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ صَدَقَنَا وَعْدَهٗ وَاَوْرَثَنَا الْاَرْضَ نَتَبَوَّاُ مِنَ الْجَنَّةِ حَيْثُ نَشَاۤءُ ۚفَنِعْمَ اَجْرُ الْعٰمِلِيْنَ٧٤
Wa qālul-ḥamdu lillāhil-lażī ṣadaqanā wa‘dahū wa auraṡanal-arḍa natabawwa'u minal-jannati ḥaiṡu nasyā'(u), fani‘ma ajrul-‘āmilīn(a).
[74]
Tuluy aranjeunna nyarios, “Sagala puji kagungan Allah anu parantos nedunan jangji-Na ka abdi sadaya (tos masihan) ieu tempat, sarta abdi sadaya tiasa milih padumukan di sawarga di mana baé sakahoyong abdi sadaya.” Nya sawarga téh panghadé-hadéna ganjaran pikeun jalma-jalma anu midamel amal soléh.”
وَتَرَى الْمَلٰۤىِٕكَةَ حَاۤفِّيْنَ مِنْ حَوْلِ الْعَرْشِ يُسَبِّحُوْنَ بِحَمْدِ رَبِّهِمْۚ وَقُضِيَ بَيْنَهُمْ بِالْحَقِّ وَقِيْلَ الْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ٧٥
Wa taral-malā'ikata ḥāffīna min ḥaulil-‘arsyi yusabbiḥūna biḥamdi rabbihim, wa quḍiya bainahum bil-ḥaqqi wa qīlal-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[75]
Hidep (Muhammad) bakal ningali para malaikat di sabudeureun Arasy maos tasbéh bari muji Pangéranana, tuluy ti antara maranéh (hamba-hamba Allah) aya nu dipaparinan putusan kalayan adil sarta diucapkeun, “Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran nu ngatur sakumna alam.”