Surah Sad
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
صۤ ۗوَالْقُرْاٰنِ ذِى الذِّكْرِۗ١
Ṣād, wal-qur'āni żiż-żikr(i).
[1]
Sāḍ, 776 demi Al-Qur’an anu ngandung pépéling.
776) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
بَلِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فِيْ عِزَّةٍ وَّشِقَاقٍ٢
Balil-lażīna kafarū fī ‘izzatiw wa syiqāq(in).
[2]
Tapi jalma-jalma kapir (dina kaayaaan) kasombongan jeung mumusuhan.
كَمْ اَهْلَكْنَا مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنْ قَرْنٍ فَنَادَوْا وَّلَاتَ حِيْنَ مَنَاصٍ٣
Kam ahlaknā min qablihim min qarnin fanādaw wa lāta ḥīna manāṣ(in).
[3]
Loba pisan umat saméméh maranéhna ku Kami dibinasakeun, tuluy maranéhna ménta tulung (waktu siksaan datang), padahal (harita) téh lain waktuna pikeun lumpat nyalamatkeun diri.
وَعَجِبُوْٓا اَنْ جَاۤءَهُمْ مُّنْذِرٌ مِّنْهُمْ ۖوَقَالَ الْكٰفِرُوْنَ هٰذَا سٰحِرٌ كَذَّابٌۚ٤
Wa ‘ajibū an jā'ahum munżirum minhum, wa qālal-kāfirūna hāżā sāḥirun każżāb(un).
[4]
Maranéhna héraneun sabab geus datang ka maranéhna hiji jalma anu méré pépéling (rasul) ti kaom maranéhna sorangan. Jalma-jalma kapir geus ngomong, “Tah jalma ieu téh tukang sihir anu loba pisan bohongna.
اَجَعَلَ الْاٰلِهَةَ اِلٰهًا وَّاحِدًا ۖاِنَّ هٰذَا لَشَيْءٌ عُجَابٌ٥
Aja‘alal-ālihata ilāhaw wāḥidā(n), inna hāżā lasyai'un ‘ujāb(un).
[5]
Naha manéhna téh ngajadikeun éta pangéran-pangéran (nu loba) téh (jadi) Pangéran nu tunggal? Sabenerna ieu téh perkara anu kacida anéhna.”
وَانْطَلَقَ الْمَلَاُ مِنْهُمْ اَنِ امْشُوْا وَاصْبِرُوْا عَلٰٓى اٰلِهَتِكُمْ ۖاِنَّ هٰذَا لَشَيْءٌ يُّرَادُ ۖ٦
Wanṭalaqal-mala'u minhum animsyū waṣbirū ‘alā ālihatikum, inna hāżā lasyai'uy yurād(u).
[6]
Tuluy pamingpin-pamingpin maranéhna indit (bari ngomong), “Geura indit maranéh jeung tetep kudu (nyembah) sesembahan-sesembahan maranéh. Sabenerna éta téh perkara anu bener-bener dipiharep. 777
777) Ceuk jalma-jalma kapir, “Saenyana nyembah pangéran-pangéran téh anu sabenerna dipikahayang ku Allah.”
مَا سَمِعْنَا بِهٰذَا فِى الْمِلَّةِ الْاٰخِرَةِ ۖاِنْ هٰذَآ اِلَّا اخْتِلَاقٌۚ٧
Mā sami‘nā bihāżā fil-millatil-ākhirah(ti), in hāżā illakhtilāq(un).
[7]
Kuring saréréa teu kungsi ngadéngé perkara nu kieu dina agama nu pangahirna, 778 anu nganggap (tunggalna Allah). Ieu téh taya lian ngan (bohong) anu dijeun-jieun.
778) Nu dimaskud ku kaom kapir Qurés ngeunaan agama nu ahir téh nyaéta agama Nasrani.
اَؤُنْزِلَ عَلَيْهِ الذِّكْرُ مِنْۢ بَيْنِنَا ۗبَلْ هُمْ فِيْ شَكٍّ مِّنْ ذِكْرِيْۚ بَلْ لَّمَّا يَذُوْقُوْا عَذَابِ ۗ٨
A'unzila ‘alaihiż-żikru mim baininā, bal hum fī syakkim min żikrī, bal lammā yażūqū ‘ażāb(i).
[8]
Ku naon atuh Al-Qur'an téh bet diturunkeun ka manéhna ti golongan urang saréréa?” Sabenerna maranéhna téh mangmang kana Kitab Kami, tapi maranéhna (mangmang sabab) can ngarasakeun siksaan Kami.
اَمْ عِنْدَهُمْ خَزَاۤىِٕنُ رَحْمَةِ رَبِّكَ الْعَزِيْزِ الْوَهَّابِۚ٩
Am ‘indahum khazā'inu raḥmati rabbikal-‘azīzil-wahhāb(i).
[9]
Atawa naha maranéhna téh ngabogaan gudang rahmat ti Pangéran hidep Nu Mahagagah (tur) Maha Jembar-pangampura?
اَمْ لَهُمْ مُّلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا ۗفَلْيَرْتَقُوْا فِى الْاَسْبَابِ١٠
Am lahum mulkus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, falyartaqū fil-asbāb(i).
[10]
Atawa naha maranéhna boga karajaan langit jeung bumi tur sakabéh nu aya di antarana? (Lamun enya,) antep baé maranéhna sina naék kana tarajé-tarajé (ka langit).
جُنْدٌ مَّا هُنَالِكَ مَهْزُوْمٌ مِّنَ الْاَحْزَابِ١١
Jundum mā hunālika mahzūmum minal-aḥzāb(i).
[11]
Wadyabalad nu aya di dinya ti golongan anu sakongkol (pikeun ngéléhkeun Rasul) pasti bakal diéléhkeun. 779
779) Ayat ieu téh nyaritakeun Perang Hondak. Di dinya aya bala tantara anu diwangun ti sababaraha golongan, nyaéta golongan kaom musrikin, Yahudi, sarta sababaraha kabilah Arab anu narajang merangan kaom muslimin di Madinah. Ieu peperangan lekasan kalayan kaburna bala tentara maranéhna. Sawaréh ahli tapsir ngomong yén nu dimaksud perang di dieu nyaéta Perang Badar.
كَذَّبَتْ قَبْلَهُمْ قَوْمُ نُوْحٍ وَّعَادٌ وَّفِرْعَوْنُ ذُو الْاَوْتَادِۙ١٢
Każżabat qablahum qaumu nūḥiw wa ‘āduw wa fir‘aunu żul-autād(i).
[12]
Saméméh maranéhna, kaom Nuh, ‘Ad, jeung kaom Fir’aun anu boga wadyabalad nu kacida lobana (ogé) geus ngabohongkeun (ka para rasul).
وَثَمُوْدُ وَقَوْمُ لُوْطٍ وَّاَصْحٰبُ لْـَٔيْكَةِ ۗ اُولٰۤىِٕكَ الْاَحْزَابُ١٣
Wa ṡamūdu wa qaumu lūṭiw wa aṣḥābul-aikah(ti), ulā'ikal-aḥzāb(u).
[13]
(Kitu deui) Samud, kaom Lut, tur pangeusi nagri ‘Aikah. 780 Maranéhna golongan-golongan anu sakongkol (pikeun ngalawan ka para rasul).
780) Pangeusi Madyan nyaéta kaomna Nabi Syuéb a.s.
اِنْ كُلٌّ اِلَّا كَذَّبَ الرُّسُلَ فَحَقَّ عِقَابِ ࣖ١٤
In kullun illā każżabar-rusula faḥaqqa ‘iqāb(i).
[14]
Maranéhna kabéh taya lian ngan ngabohongkeun ka para rasul. Ku kituna, pantes maranéhna ngarasakeun siksaan Kami.
وَمَا يَنْظُرُ هٰٓؤُلَاۤءِ اِلَّا صَيْحَةً وَّاحِدَةً مَّا لَهَا مِنْ فَوَاقٍ١٥
Wa mā yanẓuru hā'ulā'i illā ṣaiḥataw wāḥidatam mā lahā min fawāq(in).
[15]
Teu aya nu didago-dago ku maranéhna iwal ti hiji sentakan wungkul nu sama sakali taya penyelang. 781
781) Mangrupa ciri Poé Kiamat. Ieu sentakan atawa ieu gorowokan téh kacida tarikna jeung ngan sakolébat bakating ku téréh.
وَقَالُوْا رَبَّنَا عَجِّلْ لَّنَا قِطَّنَا قَبْلَ يَوْمِ الْحِسَابِ١٦
Wa qālū rabbanā ‘ajjil lanā qiṭṭanā qabla yaumil-ḥisāb(i).
[16]
Maranéhna nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngaénggalkeun kanggo abdi sadaya siksaan (anu parantos disiapkeun) sateuacan dinten balitungan.”
اِصْبِرْ عَلٰى مَا يَقُوْلُوْنَ وَاذْكُرْ عَبْدَنَا دَاوٗدَ ذَا الْاَيْدِۚ اِنَّهٗٓ اَوَّابٌ١٧
Iṣbir ‘alā mā yaqūlūna ważkur ‘abdanā dāwūda żal-aid(i), innahū awwāb(un).
[17]
Sing sabar kana sagala anu diomongkeun ku maranéhna jeung sing inget ka hamba Kami, Dawud, anu boga kakuatan. Sabenerna anjeunna téh sok mulang (ka Allah).
اِنَّا سَخَّرْنَا الْجِبَالَ مَعَهٗ يُسَبِّحْنَ بِالْعَشِيِّ وَالْاِشْرَاقِۙ١٨
Innā sakhkharnal-jibāla ma‘ahū yusabbiḥna bil-‘asyiyyi wal-isyrāq(i).
[18]
Sabenerna Kami anu geus nundukkeun gunung-gunung sangkan maca tasbéh babarengan jeung anjeunna (Dawud) dina waktu soré jeung isuk-isuk.
وَالطَّيْرَمَحْشُوْرَةً ۗ كُلٌّ لَّهٗٓ اَوَّابٌ١٩
Waṭ-ṭaira maḥsyūrah(tan), kullul lahū awwāb(un).
[19]
(Kami geus nundukkeun ogé) manuk-manuk anu keur kumpul. Sakabéhna (gunung jeung manuk) téh kacida ta’atna ka Dawud.
وَشَدَدْنَا مُلْكَهٗ وَاٰتَيْنٰهُ الْحِكْمَةَ وَفَصْلَ الْخِطَابِ٢٠
Wa syadadnā mulkahū wa ātaināhul-ḥikmata wa faṣlal-khiṭāb(i).
[20]
Kami nguatkeun ogé karajaanana sarta ngurniakeun hikmah (kanabian) ka anjeunna sarta kawijaksanaan dina mutuskeun perkara.
۞ وَهَلْ اَتٰىكَ نَبَؤُا الْخَصْمِۘ اِذْ تَسَوَّرُوا الْمِحْرَابَۙ٢١
Wa hal atāka naba'ul-khaṣm(i), iż tasawwarul-miḥrāb(a).
[21]
Naha geus nepi ka hidep (Muhammad) béja ngeunaan dua jalma anu paraséa waktu maranéhna naék kana témbok mihrob?
اِذْ دَخَلُوْا عَلٰى دَاوٗدَ فَفَزِعَ مِنْهُمْ قَالُوْا لَا تَخَفْۚ خَصْمٰنِ بَغٰى بَعْضُنَا عَلٰى بَعْضٍ فَاحْكُمْ بَيْنَنَا بِالْحَقِّ وَلَا تُشْطِطْ وَاهْدِنَآ اِلٰى سَوَاۤءِ الصِّرَاطِ٢٢
Iż dakhalū ‘alā dāwūda fafazi‘a minhum qālū lā takhaf, khaṣmāni bagā ba‘ḍunā ‘alā ba‘ḍin faḥkum bainanā bil-ḥaqqi wa lā tusyṭiṭ wahdinā ilā sawā'iṣ-ṣirāṭ(i).
[22]
(Nyaéta) waktu maranéhna asup nepungan Dawud. Anjeunna kagéteun ku (kadatangan) maranéhna. Maranéhna nyarita, “Salira ulah sieun! (Abdi) duaan téh nuju paraséa. Salah sawios ti kuring midamel dolim ka nu lian. Ku kituna, geura putuskeun hukum di antara abdi duaan kalayan putusan anu hak, sarta mugi salira ulah nyimpang tina bebeneran, sareng mugi salira nuduhkeun ka abdi duaan kana jalan anu lempeng.”
اِنَّ هٰذَآ اَخِيْ ۗ لَهٗ تِسْعٌ وَّتِسْعُوْنَ نَعْجَةً وَّلِيَ نَعْجَةٌ وَّاحِدَةٌ ۗفَقَالَ اَكْفِلْنِيْهَا وَعَزَّنِيْ فِى الْخِطَابِ٢٣
Inna hāżā akhī, lahū tis‘uw wa tis‘ūna na‘jataw wa liya na‘jatuw wāḥidah(tun), faqāla aqfilnīhā wa ‘azzanī fil-khiṭāb(i).
[23]
(Salah saurangna nyarita,) “Saleresna ieu téh dulur abdi. Manéhna gaduheun domba bikang salapan puluh salapan. Sedengkeun abdi gaduh domba bikang mung hiji-hijina.” Tuluy manéhna nyarita, “Geura kadieukeun éta domba téh keur kuring! Manéhna ngéléhkeun abdi dina ieu papaséaan.”
قَالَ لَقَدْ ظَلَمَكَ بِسُؤَالِ نَعْجَتِكَ اِلٰى نِعَاجِهٖۗ وَاِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ الْخُلَطَاۤءِ لَيَبْغِيْ بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍ اِلَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَقَلِيْلٌ مَّا هُمْۗ وَظَنَّ دَاوٗدُ اَنَّمَا فَتَنّٰهُ فَاسْتَغْفَرَ رَبَّهٗ وَخَرَّ رَاكِعًا وَّاَنَابَ ۩٢٤
Qāla laqad ẓalamaka bisu'āli na‘jatika ilā ni‘ājih(ī), wa inna kaṡīram minal-khulaṭā'i layabgī ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍin illal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa qalīlum mā hum, wa ẓanna dāwūdu annamā fatannāhu fastagfara rabbahū wa kharra rāki‘aw wa anāb(a).
[24]
Dawud nyarita, “Sabenerna manéhna téh geus aniaya ka anjeun alatan ménta domba bikang ka anjeun sangkan (dihijikeun) kana domba-domba bikangna. Sabenerna mah lolobana jalma-jalma nu nyieun sarékat téh sawaréhna sok ngarugikeun ka nu lianna, iwal ti anu iman jeung milampah amal soléh, tapi ngan saeutik pisan anu kitu téh.” Dawud yakin (yén sabenerna ieu kajadian téh) ujian ti Kami ka anjeunna, nya tuluy anjeunna ménta pangampura, nyuuh, tur tobat ka Pangéranana.
فَغَفَرْنَا لَهٗ ذٰلِكَۗ وَاِنَّ لَهٗ عِنْدَنَا لَزُلْفٰى وَحُسْنَ مَاٰبٍ٢٥
Fa gafarnā lahū żālik(a), wa inna lahū ‘indanā lazulfā wa ḥusna ma'āb(in).
[25]
Tuluy Kami ngahampura (kasalahan) anjeunna. Sabenerna anjeunna ngabogaan kalungguhan anu deukeut pisan mugguh Kami jeung boga tempat pangbalikan anu hadé.
يٰدَاوٗدُ اِنَّا جَعَلْنٰكَ خَلِيْفَةً فِى الْاَرْضِ فَاحْكُمْ بَيْنَ النَّاسِ بِالْحَقِّ وَلَا تَتَّبِعِ الْهَوٰى فَيُضِلَّكَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗاِنَّ الَّذِيْنَ يَضِلُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ ۢبِمَا نَسُوْا يَوْمَ الْحِسَابِ ࣖ٢٦
Yā dāwūdu innā ja‘alnāka khalīfatan fil-arḍi faḥkum bainan nāsi bil-ḥaqqi wa lā tattabi‘il-hawā fa yuḍillaka ‘an sabīlillāh(i), innal-lażīna yaḍillūna ‘an sabīlillāhi lahum ‘ażābun syadīdum bimā nasū yaumal-ḥisāb(i).
[26]
(Allah ngadawuh,) “Hé Dawud, sabenerna Kami geus ngangkat hidep jadi kalipah (pangawasa) di bumi. Ku kituna, prak geura méré putusan (perkara) di antara manusa kalayan adil (bener), jeung omat ulah nurutkeun hawa napsu, sabab éta téh nyasarkeun anjeun tina jalan Allah. Sabenerna jalma-jalma anu sasar tina jalan Allah téh bakal meunang siksaan anu rongkah sabab mopohokeun kana Poé Balitungan.”
وَمَا خَلَقْنَا السَّمَاۤءَ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا بَاطِلًا ۗذٰلِكَ ظَنُّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَوَيْلٌ لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنَ النَّارِۗ٢٧
Wa mā khalaqnas-samā'a wal-arḍa wa mā bainahumā bāṭilā(n), żālika ẓannul-lażīna kafarū, fawailul lil-lażīna kafarū minan-nār(i).
[27]
Kami henteu nyiptakeun langit jeung bumi sarta nu aya di antarana kalayan mubah. Éta téh anggapan jalma-jalma kapir. Ku kituna, kacilakaan pikeun jalma-jalma anu kupur lantaran manéhna bakal asup ka naraka.
اَمْ نَجْعَلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ كَالْمُفْسِدِيْنَ فِى الْاَرْضِۖ اَمْ نَجْعَلُ الْمُتَّقِيْنَ كَالْفُجَّارِ٢٨
Am naj‘alul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti kal-mufsidīna fil-arḍ(i), am naj‘alul-muttaqīna kal-fujjār(i).
[28]
Naha (pantes) Kami ngajadikeun jalma-jalma anu iman tur milampah amal soléh sarua jeung jalma-jalma anu nyieun karuksakan di ieu bumi? Atawa naha pantes Kami nganggap jalma-jalma anu takwa sarua jeung jalma-jalma anu doraka?
كِتٰبٌ اَنْزَلْنٰهُ اِلَيْكَ مُبٰرَكٌ لِّيَدَّبَّرُوْٓا اٰيٰتِهٖ وَلِيَتَذَكَّرَ اُولُوا الْاَلْبَابِ٢٩
Kitābun anzalnāhu ilaika mubārakul liyaddabbarū āyātihī wa liyatażakkara ulul-albāb(i).
[29]
(Ieu Al-Qur’an téh) kitab anu ku Kami diturunkeun ka hidep (Muhammad) nu pinuh ku kaberkahan sangkan maranéhna ngalenyepan ayat-ayatna jeung sangkan jalma-jalma anu boga akal séhat meunang atikan.
وَوَهَبْنَا لِدَاوٗدَ سُلَيْمٰنَۗ نِعْمَ الْعَبْدُ ۗاِنَّهٗٓ اَوَّابٌۗ٣٠
Wa wahabnā lidāwūda wa sulaimān(a), ni‘mal-‘abd(u), innahū awwāb(un).
[30]
Kami geus ngurniakeun ka Dawud (putra anu ngaranna) Sulaéman. Anjeunna téh panghadé-hadéna hamba. Saenyana anjeunna téh kacida ta’atna (ka Allah).
اِذْ عُرِضَ عَلَيْهِ بِالْعَشِيِّ الصّٰفِنٰتُ الْجِيَادُۙ٣١
Iż ‘uriḍa ‘alaihi bil-‘asyiyyiṣ-ṣāfinātul-jiyād(u).
[31]
(Sing inget) nalika dina wanci pasosoré ka anjeunna (Sulaéman) ditémbongkeun (kuda-kuda) anu lalindeuk, (tapi) kacida gancang lumpatna.
فَقَالَ اِنِّيْٓ اَحْبَبْتُ حُبَّ الْخَيْرِ عَنْ ذِكْرِ رَبِّيْۚ حَتّٰى تَوَارَتْ بِالْحِجَابِۗ٣٢
Fa qāla innī aḥbabtu ḥubbal-khairi ‘an żikri rabbī, ḥattā tawārat bil-ḥijāb(i).
[32]
Mangka, anjeunna (Sulaéman) nyarita, “Sabenerna kuring téh kacida resepna kana sagala rupa nu alus (kuda) nepi ka kuring poho inget ka Pangéran kuring, nepi ka (panonpoé atawa éta kuda) nyumput di satukangeun pipinding (geus teu katingal deui).”
رُدُّوْهَا عَلَيَّ ۚفَطَفِقَ مَسْحًا ۢبِالسُّوْقِ وَالْاَعْنَاقِ٣٣
Ruddūhā ‘alayy(a), faṭafiqa masḥam bis-sūqi wal-a‘nāq(i).
[33]
(Ceuk anjeunna deui,) “Pulangkeun ka kuring éta kuda téh!” Tuluy anjeunna ngusapan suku-sukuna jeung punduk éta (kuda). 782
782) Sawaréhna ahli tapsir aya nu nerjemahkeun ayat 33 kieu, “Pék geura bawa balik deui ka kuring!” tuluy anjeunna nyabet sukuna jeung beuheungna (dipeuncit).
وَلَقَدْ فَتَنَّا سُلَيْمٰنَ وَاَلْقَيْنَا عَلٰى كُرْسِيِّهٖ جَسَدًا ثُمَّ اَنَابَ٣٤
Wa laqad fatannā sulaimāna wa alqainā ‘alā kursiyyihī jasadan ṡumma anāb(a).
[34]
Tétéla Kami bener-bener geus méré cocoba ka Sulaéman jeung ngajadikeun (anjeunna) nyangsaya dina korsina minangka waruga (anu leuleus ku lantaran gering), tuluy anjeunna tobat.
قَالَ رَبِّ اغْفِرْ لِيْ وَهَبْ لِيْ مُلْكًا لَّا يَنْۢبَغِيْ لِاَحَدٍ مِّنْۢ بَعْدِيْۚ اِنَّكَ اَنْتَ الْوَهَّابُ٣٥
Qāla rabbigfir lī wa hab lī mulkal lā yambagī li'aḥadim mim ba‘dī, innaka antal-wahhāb(u).
[35]
Anjeunna ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti kersa ngahapunten ka diri abdi, sareng mugi Gusti kersa maparin ka abdi karajaan anu moal bisa kapimilik ku saha baé ogé saparantos abdi. Saleresna mung Gusti Nu Maha Maparin.”
فَسَخَّرْنَا لَهُ الرِّيْحَ تَجْرِيْ بِاَمْرِهٖ رُخَاۤءً حَيْثُ اَصَابَۙ٣٦
Fasakhkharnā lahur-rīḥa tajrī bi'amrihī rukhā'an ḥaiṡu aṣāb(a).
[36]
Nya Kami nundukkeun angin pikeun anjeunna anu ngahiliwir karasa lembut tumut kana paréntahna ka mana baé nurutkeun kahayangna.
وَالشَّيٰطِيْنَ كُلَّ بَنَّاۤءٍ وَّغَوَّاصٍۙ٣٧
Wasy-syayāṭīna kulla bannā'iw wa gawwāṣ(in).
[37]
(Kami geus nundukkeun deui pikeun anjeunna) sétan-sétan. Kabéhanana ahli-ahli bangunan jeung tukang teuleum.
وَّاٰخَرِيْنَ مُقَرَّنِيْنَ فِى الْاَصْفَادِ٣٨
Wa ākharīna muqarranīna fil-aṣfād(i).
[38]
(Kitu deui sétan) lianna nu ditalikung bari diborogol ku ranté.
هٰذَا عَطَاۤؤُنَا فَامْنُنْ اَوْ اَمْسِكْ بِغَيْرِ حِسَابٍ٣٩
Hāżā ‘aṭā'unā famnun au amsik bigairi ḥisāb(in).
[39]
Ieu téh kurnia Kami. Ku kituna, pék bikeun ku anjeun (ka batur) atawa tahan baé (keur diri anjeun sorangan) kalayan teu aya balitungnana.
وَاِنَّ لَهٗ عِنْدَنَا لَزُلْفٰى وَحُسْنَ مَاٰبٍ ࣖ٤٠
Wa inna lahū ‘indanā lazulfā wa ḥusna ma'āb(in).
[40]
Sabenerna anjeunna téh jalma anu ngabogaan kalungguhan anu deukeut pisan mungguh Kami, jeung anjeunna boga pangbalikan anu hadé.
وَاذْكُرْ عَبْدَنَآ اَيُّوْبَۘ اِذْ نَادٰى رَبَّهٗٓ اَنِّيْ مَسَّنِيَ الشَّيْطٰنُ بِنُصْبٍ وَّعَذَابٍۗ٤١
Ważkur ‘abdanā ayyūb(a), iż nādā rabbahū annī massaniyasy-syaiṭānu binuṣbiw wa ‘ażāb(in).
[41]
Sing inget ka hamba Kami, Ayyub, waktu unjukan ka Pangéranana, “Saleresna abdi téh parantos diganggu ku sétan ku kasangsaraan sareng siksaan (rasa kanyeri).”
اُرْكُضْ بِرِجْلِكَۚ هٰذَا مُغْتَسَلٌۢ بَارِدٌ وَّشَرَابٌ٤٢
Urkuḍ birijlik(a), hāżā mugtasalum bāriduw wa syarāb(un).
[42]
(Allah ngadawuh), “Geura ténjragkeun suku hidep (kana taneuh)! Ieu téh cai tiis keur mandi jeung keur nginum.”
وَوَهَبْنَا لَهٗٓ اَهْلَهٗ وَمِثْلَهُمْ مَّعَهُمْ رَحْمَةً مِّنَّا وَذِكْرٰى لِاُولِى الْاَلْبَابِ٤٣
Wa wahabnā lahū ahlahū wa miṡlahum ma‘ahum raḥmatam minnā wa żikrā li'ulil-albāb(i).
[43]
Kami geus ngurniakeun ogé ka anjeunna (Ayyub) kulawargana jeung (Kami tikelkeun) jumlahna minangka rahmat ti Kami jeung minangka atikan pikeun jalma-jalma anu boga pikiran séhat. 783
783) Nabi Ayyub a.s. ngagaduhan panyawat kulit kanggo sawatara waktos nu lami. Anjeunna nyuhunkeun bantosan ka Allah. Teras Allah ngaijabah doana, lajeng miwarang ka anjeunna supados nénjragkeun sampéanana kana taneuh. Anjeunna tumut kana timbalan Allah. Ku lantaran pituduh Allah, tina tilas tapak sampéanana bijil cai, teras anjeunna ibak sareng ngaleueut caina, dugi ka anjeunna damang tina panyawatna sarta tiasa ngumpul ngariung deui sareng kulawargina, anu jumlahna dua kali lipat tina jumlah sateuacana. Dina salah sahiji waktos, Nabi Ayyub émuteun kana sumpah, yén anjeunna badé neunggeul istrina ku sabab kungsi talobéh dina ngurus anjeunna waktos teu damang. Nanging timbul dina manahna rasa asih sareng nyaah ka istrina dugi ka anjeunna teu tiasa nyumponan sumpahna. Lajeng sumping hidayah Allah sakumaha diécéskeun dina ayat 44 surat ieu, supados anjeunna nyumponan kana sumpahna tapi henteu nganyenyeri istrina. Ku kituna, anjeunna neungeul istrina ku saiket jukut.
وَخُذْ بِيَدِكَ ضِغْثًا فَاضْرِبْ بِّهٖ وَلَا تَحْنَثْ ۗاِنَّا وَجَدْنٰهُ صَابِرًا ۗنِعْمَ الْعَبْدُ ۗاِنَّهٗٓ اَوَّابٌ٤٤
Wa khuż biyadika ḍigṡan faḍrib bihī wa lā taḥnaṡ, innā wajadnāhu ṣābirā(n), ni‘mal-‘abd(u), innahū awwāb(un).
[44]
Geura cokot ku leungeun hidep (Ayyub) sabeungkeut jukut, tuluy teunggeul (istri hidep) ku éta (jukut) jeung omat hidep ulah pisan-pisan ngarempak sumpah. Sabenerna Kami manggihan anjeunna (Ayyub) jalma nu sabar. Anjeunna téh sahadé-hadéna hamba. Sabenerna anjeunna téh ta’at pisan (ka Allah).
وَاذْكُرْ عِبٰدَنَآ اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ اُولِى الْاَيْدِيْ وَالْاَبْصَارِ٤٥
Ważkur ‘ibādanā ibrāhīma wa isḥāqa wa ya‘qūba ulil-aidī wal-abṣār(i).
[45]
Sing inget ka hamba-hamba Kami: Ibrahim, Ishaq, jeung Ya’qub anu miboga kakuatan (dina kataatan ka Allah) jeung miboga paningan (mata haté anu hérang).
اِنَّآ اَخْلَصْنٰهُمْ بِخَالِصَةٍ ذِكْرَى الدَّارِۚ٤٦
Innā akhlaṣnāhum bikhāliṣatin żikrad-dār(i).
[46]
Sabenerna Kami geus ngurniakeun kalayan husus ka aranjeunna nugraha anu gedé, (nyaéta terus-terusan) éling kana nagri ahérat.
وَاِنَّهُمْ عِنْدَنَا لَمِنَ الْمُصْطَفَيْنَ الْاَخْيَارِۗ٤٧
Wa innahum ‘indanā laminal-muṣṭafainal-akhyār(i).
[47]
Sabenerna aranjeunna téh mungguh Kami mah kaasup jalma-jalma anu pinilih anu panghadé-hadéna.
وَاذْكُرْ اِسْمٰعِيْلَ وَالْيَسَعَ وَذَا الْكِفْلِ ۗوَكُلٌّ مِّنَ الْاَخْيَارِۗ٤٨
Ważkur ismā‘īla wal-yasa‘a wa żal-kifl(i), wa kullum minal-akhyār(i).
[48]
Sing inget ka Ismail, Ilyasa’, jeung Zulkifli. Kabéhanana kaasup jalma-jalma anu panghadé-hadéna.
هٰذَا ذِكْرٌ ۗوَاِنَّ لِلْمُتَّقِيْنَ لَحُسْنَ مَاٰبٍۙ٤٩
Hāżā żikr(un), wa inna lil-muttaqīna laḥusna ma'āb(in).
[49]
Ieu téh mangrupakeun kahormatan (pikeun hidep jeung kaom hidep). Sabenerna pikeun jalma-jalma nu takwa mah (disadiakeun) tempat pangbalikan anu hadé,
جَنّٰتِ عَدْنٍ مُّفَتَّحَةً لَّهُمُ الْاَبْوَابُۚ٥٠
Jannāti ‘adnim mufattaḥatal lahumul-abwāb(u).
[50]
(nyaéta) sawarga Aden anu lawang-lawangna dibuka pikeun aranjeunna,
مُتَّكِـِٕيْنَ فِيْهَا يَدْعُوْنَ فِيْهَا بِفَاكِهَةٍ كَثِيْرَةٍ وَّشَرَابٍ٥١
Muttaki'īna fīhā yad‘ūna fīhā bifākihatin kaṡīratiw wa syarāb(in).
[51]
Aranjeunna téh nyarandé di jerona (luhureun dipan-dipan) bari ménta bubuahan anu loba jeung inuman.
۞ وَعِنْدَهُمْ قٰصِرٰتُ الطَّرْفِ اَتْرَابٌ٥٢
Wa ‘indahum qāṣirātuṭ-ṭarfi atrāb(un).
[52]
Di gigireunana (aya widadari-widadari) anu ngajaga paningalna (ngan pikeun pasanganana) 784 jeung umurna sapantar.
784) Anu dimaksud ngajaga paningalna nyaéta teuteupan socana ngan ditujukeun ka nu dipikacintana di sawarga.
هٰذَا مَا تُوْعَدُوْنَ لِيَوْمِ الْحِسَابِ٥٣
Hāżā mā tū‘adūna liyaumil-ḥisāb(i).
[53]
Nya ieu pisan anu dijangjikeun ka aranjeun dina poé balitungan téh.
اِنَّ هٰذَا لَرِزْقُنَا مَا لَهٗ مِنْ نَّفَادٍۚ٥٤
Ina hāżā larizqunā mā lahū min nafād(in).
[54]
Sabenerna ieu téh rejeki ti Kami anu moal aya béakna.
هٰذَا ۗوَاِنَّ لِلطّٰغِيْنَ لَشَرَّ مَاٰبٍۙ٥٥
Hāżā, wa inna liṭ-ṭāgīna lasyarra ma'āb(in).
[55]
Ieu téh (kani’matan pikeun jalma-jalma anu takwa). Sabenerna pikeun jalma-jalma anu ngaliwatan wates (disadiakeun) tempat pangbalikan anu goréng,
جَهَنَّمَۚ يَصْلَوْنَهَاۚ فَبِئْسَ الْمِهَادُ٥٦
Jahannam(a), yaṣlaunahā, fabi'sal-mihād(u).
[56]
(nyaéta) naraka Jahanam anu maranéhna bakal asup ka dinya. Éta téh padumukan anu panggoréng-goréngna.
هٰذَاۙ فَلْيَذُوْقُوْهُ حَمِيْمٌ وَّغَسَّاقٌۙ٥٧
Hāżā, falyażūqūhu ḥamīmuw wa gassāq(un).
[57]
Ieu téh (siksa naraka). Antep baé maranéhna sina ngarasakeunana. (Inuman maranéhna) cai anu kacida panasna jeung cai nanah (anu kacida geuleuhna).
وَّاٰخَرُ مِنْ شَكْلِهٖٓ اَزْوَاجٌۗ٥٨
Wa ākharu min syaklihī azwāj(un).
[58]
(Salian ti éta, aya) mangrupa-rupa (siksaan) anu séjen anu sarupa jiga kitu.
هٰذَا فَوْجٌ مُّقْتَحِمٌ مَّعَكُمْۚ لَا مَرْحَبًا ۢبِهِمْ ۗ اِنَّهُمْ صَالُوا النَّارِ٥٩
Hāżā faujum muqtaḥimum ma‘akum, lā marḥabam bihim, innahum ṣālun-nār(i).
[59]
(Dicaritakeun ka maranéhna), “Ieu téh hiji rombongan (anu milu ka maranéh) anu asup bari pasedek-sedek jeung maranéh (ka naraka).” Taya ucapan pangbagéa pikeun maranéhna sabab sabenerna maranéhna téh bakal asup ka naraka.
قَالُوْا بَلْ اَنْتُمْ لَا مَرْحَبًاۢ بِكُمْ ۗ اَنْتُمْ قَدَّمْتُمُوْهُ لَنَاۚ فَبِئْسَ الْقَرَارُ٦٠
Qālū bal antum lā marḥabam bikum, antum qaddamtumūhu lanā, fabi'sal-qarār(u).
[60]
(Anu marilu ka maranéhna ngajawab), “Sabenerna maranéh (nu leuwih pantes) teu narima ucapan pangbagéa, ku lantaran maranéhna anu geus ngajongklokkeun urang saréréa kana siksaan. Mangka éta téh panggoréng-goréngna tempat matuh.
قَالُوْا رَبَّنَا مَنْ قَدَّمَ لَنَا هٰذَا فَزِدْهُ عَذَابًا ضِعْفًا فِى النَّارِ٦١
Qālū rabbanā man qaddama lanā hāżā fazidhu ‘ażāban ḍi‘fan fin-nār(i).
[61]
Maranéhna nyarita (deui), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saha baé anu ngusrukkeun abdi sadaya kana ieu (siksa), mugi ditambahkeun pikeun maranéhna siksaan dua kali lipet di jero naraka.”
وَقَالُوْا مَا لَنَا لَا نَرٰى رِجَالًا كُنَّا نَعُدُّهُمْ مِّنَ الْاَشْرَارِ٦٢
Wa qālū mā lanā lā narā rijālan kunnā na‘udduhum minal-asyrār(i).
[62]
Maranéhna (pangeusi naraka) nyarita, “Kunaon kuring henteu nempo jalma-jalma nu baheula (di dunya) ku kuring sok dianggap minangka jalma-jalma anu hina?
اَتَّخَذْنٰهُمْ سِخْرِيًّا اَمْ زَاغَتْ عَنْهُمُ الْاَبْصَارُ٦٣
Attakhażnāhum sikhriyyan am zāgat ‘anhumul-abṣār(u).
[63]
Naha ku sabab baheula urang saréréa sok ngajadikeun maranéhna (bahan) guyonan atawa ku sabab panon urang saréréa teu nempo ka maranéhna?”
اِنَّ ذٰلِكَ لَحَقٌّ تَخَاصُمُ اَهْلِ النَّارِ ࣖ٦٤
Inna żālika laḥaqqun takhāṣumu ahlin-nār(i).
[64]
Anu kitu téh bener-bener kajadian, (nyaéta) papaséaan di antara ahli naraka.
قُلْ اِنَّمَآ اَنَا۠ مُنْذِرٌ ۖوَّمَا مِنْ اِلٰهٍ اِلَّا اللّٰهُ الْوَاحِدُ الْقَهَّارُ٦٥
Qul innamā ana munżir(un), wa mā min ilāhin illallāhul-wāḥidul-qahhār(u).
[65]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna kuring mah taya lian ngan saukur anu méré pépéling. Teu aya Pangéran (nu hak disembah) anging Allah Nu Mahatunggal (tur) Maha Ngéléhkeun,
رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا الْعَزِيْزُ الْغَفَّارُ٦٦
Rabbus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumal-‘azīzul-gaffār(u).
[66]
(nyaéta) Pangéran langit jeung bumi, sarta sagala rupa anu aya di antarana, Nu Mahagagah (tur) Maha Jembar-pangampura.
قُلْ هُوَ نَبَؤٌا عَظِيْمٌۙ٦٧
Qul huwa naba'un ‘aẓīm(un).
[67]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Éta (Al-Qur’an) téh béja anu gedé.
اَنْتُمْ عَنْهُ مُعْرِضُوْنَ٦٨
Antum ‘anhu mu‘riḍūn(a).
[68]
Anu maranéh ngabalieur ti dinya.
مَا كَانَ لِيَ مِنْ عِلْمٍۢ بِالْمَلَاِ الْاَعْلٰٓى اِذْ يَخْتَصِمُوْنَ٦٩
Mā kāna liya min ‘ilmim bil-mala'il-a‘lā iż yakhtaṣimūn(a).
[69]
Kuring teu boga pangaweruh sanajan saeutik ogé ngeunaan malaikat langit waktu aranjeunna keur silih bantah (ngeunaan Adam nalika dikaluarkeun ti sawarga).
اِنْ يُّوْحٰىٓ اِلَيَّ اِلَّآ اَنَّمَآ اَنَا۠ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ٧٠
Iy yūḥā ilayya illā annamā ana nażīrum mubīn(un).
[70]
Teu diwahyukeun ka kuring, kajaba kuring mah ngan ukur nu méré pépéling anu jelas.”
اِذْ قَالَ رَبُّكَ لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اِنِّيْ خَالِقٌۢ بَشَرًا مِّنْ طِيْنٍ٧١
Iż qāla rabbuka lil-malā'ikati innī khāliqum basyaram min ṭīn(in).
[71]
(Sing inget) nalika Pangéran hidep ngadawuh ka para malaikat, “Sabenerna Kami rék nyiptakeun manusa tina taneuh.”
فَاِذَا سَوَّيْتُهٗ وَنَفَخْتُ فِيْهِ مِنْ رُّوْحِيْ فَقَعُوْا لَهٗ سٰجِدِيْنَ٧٢
Fa'iżā sawwaituhū wa nafakhtu fīhi mir rūḥī faqa‘ū lahū sājidīn(a).
[72]
(Engké) waktu Kami geus nyampurnakeun (kajadiana)na jeung niupkeun roh (ciptaan)-Kami ka manéhna, mangka geura tunduk aranjeun ka anjeunna kalayan sujud!”
فَسَجَدَ الْمَلٰۤىِٕكَةُ كُلُّهُمْ اَجْمَعُوْنَۙ٧٣
Fasajadal-malā'ikatu kulluhum ajma‘ūn(a).
[73]
Tuluy, sadaya malaikat sujud,
اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ اِسْتَكْبَرَ وَكَانَ مِنَ الْكٰفِرِيْنَ٧٤
Illā iblīs(a), istakbara wa kāna minal-kafirīn(a).
[74]
kajaba Iblis. Manéhna mah nyombongkeun diri jeung kaasup golongan kapir.
قَالَ يٰٓاِبْلِيْسُ مَا مَنَعَكَ اَنْ تَسْجُدَ لِمَا خَلَقْتُ بِيَدَيَّ ۗ اَسْتَكْبَرْتَ اَمْ كُنْتَ مِنَ الْعَالِيْنَ٧٥
Qāla yā iblīsu mā mana‘aka an tasjuda limā khalaqtu biyadayy(a), astakbarta am kunta minal-‘ālīn(a).
[75]
(Allah) ngadawuh, “Hé Iblis, naon nu matak jadi panghalang pikeun manéh nepi ka embung sujud ka (Adam) anu geus diciptakeun ku kakawasaan Kami? Naha manéh téh nyombongkeun diri atawa (ngarasa) kaasup golongan anu (leuwih) luhung?”
قَالَ اَنَا۠ خَيْرٌ مِّنْهُ خَلَقْتَنِيْ مِنْ نَّارٍ وَّخَلَقْتَهٗ مِنْ طِيْنٍ٧٦
Qāla ana khairum minhu khalaqtanī min nāriw wa khalaqtahū min ṭīn(in).
[76]
Iblis ngajawab, “Abdi langkung saé tibatan anjeunna ku margi Gusti geus nyiptakeun abdi tina seuneu, sedengkeun Gusti nyiptakeun anjeunna mah tina taneuh.”
قَالَ فَاخْرُجْ مِنْهَا فَاِنَّكَ رَجِيْمٌۖ٧٧
Qāla fakhruj minhā fa'innaka rajīm(un).
[77]
(Allah) ngadawuh, “Jor kaluar ti sawarga. Sabenerna manéh téh dila’nat.
وَّاِنَّ عَلَيْكَ لَعْنَتِيْٓ اِلٰى يَوْمِ الدِّيْنِ٧٨
Wa inna ‘alaika la‘natī ilā yaumid-dīn(i).
[78]
Sabenerna la’nat Kami tetep ditibankeun keur manéh nepi ka Poé Pangwalesan.”
قَالَ رَبِّ فَاَنْظِرْنِيْٓ اِلٰى يَوْمِ يُبْعَثُوْنَ٧٩
Qāla rabbi fa'anẓirnī ilā yaumi yub‘aṡūn(a).
[79]
(Iblis) nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi, (upami kitu mah) mugi Gusti kersa masihan jangka waktos ka abdi dugi ka dintenan manusa dihudangkeun (tina kubur).”
قَالَ فَاِنَّكَ مِنَ الْمُنْظَرِيْنَۙ٨٠
Qāla fa'innaka minal-munẓarīn(a).
[80]
Allah ngadawuh, “Sabenerna manéh kaasup ti antara anu dibéré waktu (témpo),
اِلٰى يَوْمِ الْوَقْتِ الْمَعْلُوْمِ٨١
Ilā yaumil-waqtil-ma‘lūm(i).
[81]
nepi ka poéan anu geus ditangtukeun (Poé Kiamat).”
قَالَ فَبِعِزَّتِكَ لَاُغْوِيَنَّهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٨٢
Qāla fabi‘izzatika la'ugwiyannahum ajma‘īn(a).
[82]
(Iblis) nyarita, “Demi kamulyaan Gusti, abdi tangtos badé nyasarkeun maranéhna sadayna,
اِلَّا عِبَادَكَ مِنْهُمُ الْمُخْلَصِيْنَ٨٣
Illā ‘ibādaka minhumul-mukhlaṣīn(a).
[83]
kajabi hamba-hamba Gusti anu pinilih ti antara maranéhna.” 785
785) Jalma-jalma anu pinilih téh nyaéta anu tumut kana sagala rupi pituduh Allah Swt.
قَالَ فَالْحَقُّۖ وَالْحَقَّ اَقُوْلُۚ٨٤
Qāla fal-ḥaqq(u), wal-ḥaqqa aqūl(u).
[84]
(Allah) ngadawuh, “Mangka, anu bener téh (nyaéta sumpah Kami) jeung ngan anu bener wungkul anu ku Kami diucapkeun.”
لَاَمْلَـَٔنَّ جَهَنَّمَ مِنْكَ وَمِمَّنْ تَبِعَكَ مِنْهُمْ اَجْمَعِيْنَ٨٥
La'amla'anna jahannama minka wa mimman tabi‘aka minhum ajma‘īn(a).
[85]
Saenyana Kami bakal minuhan naraka Jahanam ku manéh jeung ku jalma-jalma anu milu ka manéh ti antara maranéh kabéh.”
قُلْ مَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍ وَّمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُتَكَلِّفِيْنَ٨٦
Qul mā as'alukum ‘alaihi min ajriw wa mā ana minal-mutakallifīn(a).
[86]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring teu ménta buruh ti aranjeun sanajan saeutik (tina ieu da’wah téh) jeung kuring mah teu kaasup jalma-jalma anu sok jijieunan.”
اِنْ هُوَ اِلَّا ذِكْرٌ لِّلْعٰلَمِيْنَ٨٧
In huwa illā żikrul lil-‘ālamīn(a).
[87]
(Al-Qur’an) téh taya lian kajaba naséhat pikeun sakumna alam.
وَلَتَعْلَمُنَّ نَبَاَهٗ بَعْدَ حِيْنٍ ࣖ٨٨
Wa lata‘lamunna naba'ahū ba‘da ḥīn(in).
[88]
Aranjeun bener-bener bakal nyaho (benerna) béja (Al-Qur’an) sanggeus sababaraha waktu.” 786
786) Béja-béja tina Al-Qur’an téh aya nu kalaksanakeun jeung lumangsung di alam dunya, aya ogé anu lumangsungna téh di ahérat. Nu kalaksanakeun di alam dunya sarupaning benerna jangji Allah ka kaom mu’min jeung kayakinan yén kaom mu’min bakal meunang dina perang nyanghareupan kaom musrikin, sedengkeun kajadian anu lumangung di ahérat nyaéta sarupaning benerna jangji Allah ngeunaan wawales jeung balitungan Allah.