Surah As-Saffat
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَالصّٰۤفّٰتِ صَفًّاۙ١
Waṣ-ṣāffāti ṣaffā(n).
[1]
Demi (aleutan malaikat) anu ngabaris sabaris-sabaris (pikeun ibadah ka Allah),
فَالزّٰجِرٰتِ زَجْرًاۙ٢
Faz-zājirāti zajrā(n).
[2]
demi (aleutan malaikat) anu nyegah (sagala perkara) kalayan sabener-benerna,
فَالتّٰلِيٰتِ ذِكْرًاۙ٣
Fat-tāliyāti żikrā(n).
[3]
(jeung) demi (aleutan malaikat) nu maca pépéling,
اِنَّ اِلٰهَكُمْ لَوَاحِدٌۗ٤
Inna ilāhakum lawāḥid(un).
[4]
sabenerna Pangéran aranjeun téh Mahatunggal,
رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا وَرَبُّ الْمَشَارِقِۗ٥
Rabbus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā wa rabbul-masyāriq(i).
[5]
Pangéranana sakabéh nu aya di langit jeung nu aya di bumi tur sagala rupa nu aya di antarana, jeung Pangéranana tempat-tempat bijilna panonpoé.
اِنَّا زَيَّنَّا السَّمَاۤءَ الدُّنْيَا بِزِيْنَةِ ِۨالْكَوَاكِبِۙ٦
Innā zayyannas-samā'ad-dun-yā bizīnatinil-kawākib(i).
[6]
Sabenerna Kami geus mapaésan langit dunya (nu pangdeukeutna) ku papaés sarupaning béntang-béntang.
وَحِفْظًا مِّنْ كُلِّ شَيْطٰنٍ مَّارِدٍۚ٧
Wa ḥifẓam min kulli syaiṭānim mārid(in).
[7]
(Kami geus ngaraksa langit kalayan) sabener-benerna tina saban sétan nu kacida dorakana
لَا يَسَّمَّعُوْنَ اِلَى الْمَلَاِ الْاَعْلٰى وَيُقْذَفُوْنَ مِنْ كُلِّ جَانِبٍۖ٨
Lā yassammā‘ūna ilal-mala'il-a‘lā wa yuqżafūna min kulli jānib(in).
[8]
Maranéhna (sétan-sétan téh) teu bisa ngadéngékeun (gunem caturna) para malaikat jeung maranéhna dibalédogan ti unggal juru,
دُحُوْرًا وَّلَهُمْ عَذَابٌ وَّاصِبٌ٩
Duḥūraw wa lahum ‘ażābuw wāṣib(un).
[9]
keur ngusir maranéhna. Pikeun maranéhna siksaan nu langgeng (di ahérat),
اِلَّا مَنْ خَطِفَ الْخَطْفَةَ فَاَتْبَعَهٗ شِهَابٌ ثَاقِبٌ١٠
Illā man khaṭifal-khaṭfata fa'atba‘ahū syihābun ṡāqib(un).
[10]
kajaba (sétan) nu maling-maling gunem catur, mangka manéhna diudag ku béntang nu baranang.
فَاسْتَفْتِهِمْ اَهُمْ اَشَدُّ خَلْقًا اَمْ مَّنْ خَلَقْنَا ۗاِنَّا خَلَقْنٰهُمْ مِّنْ طِيْنٍ لَّازِبٍ١١
Fastaftihim ahum asyaddu khalqan am man khalaqnā, innā khalaqnāhum min ṭīnil lāzib(in).
[11]
Ku kituna, pék geura tanyakeun ka maranéhna (kaom musrikin Mekah), “Naha maranéhna (manusa) téh mahluk nu leuwih hésé diciptakeun, atawa mahluk nu séjénna (langit, bumi, jeung lianna) anu geus diciptakeun ku Kami?” Sabenerna Kami geus nyiptakeun (karuhun) maranéhna (Adam) tina taneuh liket.
بَلْ عَجِبْتَ وَيَسْخَرُوْنَ ۖ١٢
Bal ‘ajibta wa yaskharūn(a).
[12]
Malahan hidep (Muhammad) jadi ngarasa héran (kana kaingkaran maranéhna) jeung maranéhna terus-terusan ngahinakeun (hidep).
وَاِذَا ذُكِّرُوْا لَا يَذْكُرُوْنَ ۖ١٣
Wa iżā żukkirū lā yażkurūn(a).
[13]
Upama diélingan, maranéhna henteu daék narima.
وَاِذَا رَاَوْا اٰيَةً يَّسْتَسْخِرُوْنَۖ١٤
Wa iżā ra'au āyatay yastaskhirūn(a).
[14]
Upama nempo hiji tanda (kaagungan Allah atawa benerna Muhammad), maranéhna malah ngageuhgeuykeun.
وَقَالُوْٓا اِنْ هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ ۚ١٥
Wa qālū in hāżā illā siḥrum mubīn(un).
[15]
Maranéhna nyarita. “Ieu téh taya lian ngan saukur sihir nu nyata.”
ءَاِذَا مِتْنَا وَكُنَّا تُرَابًا وَّعِظَامًا ءَاِنَّا لَمَبْعُوْثُوْنَۙ١٦
A'iżā mitnā wa kunnā turābaw wa ‘iẓāman a'innā lamab‘ūṡūn(a).
[16]
Upama geus paéh jeung geus jadi taneuh, sarta geus jadi tulang-taléng, naha bener urang téh bakal dihudangkeun (deui)?
اَوَاٰبَاۤؤُنَا الْاَوَّلُوْنَۗ١٧
Awa ābā'unal-awwalūn(a).
[17]
Naha karuhun urang nu geus ti heula ogé (bakal dihudangkeun deui)?”
قُلْ نَعَمْ وَاَنْتُمْ دٰخِرُوْنَۚ١٨
Qul na‘am wa antum dākhirūn(a).
[18]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Enya, jeung maranéh (saenyana) aya dina kahinaan.”
فَاِنَّمَا هِيَ زَجْرَةٌ وَّاحِدَةٌ فَاِذَا هُمْ يَنْظُرُوْنَ١٩
Fa'innamā hiya zajratuw wāḥidatun fa'iżā hum yanẓurūn(a).
[19]
Saleresna éta hudang tina kubur téh ngan ukur ku sakali nyentak baé, nya maranéhna saharita kénéh (hudang tina kubur) nénjo (naon nu keur kajadian).”
وَقَالُوْا يٰوَيْلَنَا هٰذَا يَوْمُ الدِّيْنِ٢٠
Wa qālū yā wailanā hāżā yaumud-dīn(i).
[20]
Pok téh maranéhna nyarita kieu, “Duh cilaka urang, ieu geuning poé wawales téh!”
هٰذَا يَوْمُ الْفَصْلِ الَّذِيْ كُنْتُمْ بِهٖ تُكَذِّبُوْنَ ࣖ٢١
Hāżā yaumul-faṣlil-lażī kuntum bihī tukażżibūn(a).
[21]
Nya ieu pisan poé kaputusan 760 nu salila ieu ku maranéhna dianggap ngan saukur kabohongan.
760) Poé waktu Allah méré kaputusan jeung wawales ka hamba-hamba-Na.
اُحْشُرُوا الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا وَاَزْوَاجَهُمْ وَمَا كَانُوْا يَعْبُدُوْنَ ۙ٢٢
Uḥsyurul-lażīna ẓalamū wa azwājahum wa mā kānū ya‘budūn(a).
[22]
(Diparéntahkeun ka malaikat). “Kumpulkeun jalma anu dolim jeung babaturanana, sarta sesembahan-sesembahan nu baheula ku maranéhna sok disembah
مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ فَاهْدُوْهُمْ اِلٰى صِرَاطِ الْجَحِيْمِ٢٣
Min dūnillāhi fahdūhum ilā ṣirāṭil-jaḥīm(i).
[23]
salian ti Allah, tuluy tuduhkeun ka jalan naraka.
وَقِفُوْهُمْ اِنَّهُمْ مَّسْـُٔوْلُوْنَ ۙ٢٤
Waqifūhum innahum mas'ūlūn(a).
[24]
Tahan heula maranéhna (di tempat pangeureunan). Sabenerna maranéhna téh rék ditanya (ngeunaan kayakinan jeung paripolahna).”
مَا لَكُمْ لَا تَنَاصَرُوْنَ٢٥
Mā lakum lā tanāṣarūn(a).
[25]
(Maranéhna tuluy dijejeléh), “Kunaon maranéh henteu silih tulungan?”
بَلْ هُمُ الْيَوْمَ مُسْتَسْلِمُوْنَ٢٦
Bal humul-yauma mustaslimūn(a).
[26]
Malah maranéh dina éta poé téh pasrah sumerah (kana kaputusan Allah).
وَاَقْبَلَ بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍ يَّتَسَاۤءَلُوْنَ٢٧
Wa aqbala ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍiy yatasā'alūn(a).
[27]
Sabagian ti antara maranéhna nyanghareupan ka sabagian deui tuluy silih teumbleuhkeun.
قَالُوْٓا اِنَّكُمْ كُنْتُمْ تَأْتُوْنَنَا عَنِ الْيَمِيْنِ٢٨
Qālū innakum kuntum ta'tūnanā ‘anil-yamīn(i).
[28]
(Panganut-panganutna) maranéhna nyarita (ka dedengkot-dedengkotna), “Sabenerna nya maranéh nu baheula sok ngadatangan kuring saréréa ti beulah katuhu.” 761
761) Pamingpin-pamingpin maranéhna ngadatangan panganut-panganutna bari mawa muslihat keur mincut haténa.
قَالُوْا بَلْ لَّمْ تَكُوْنُوْا مُؤْمِنِيْنَۚ٢٩
Qālū bal lam takūnū mu'minīn(a).
[29]
(Dedengkot-dedengkot) maranéhna ngajawab, “(Henteu,) puguh sabenerna mah maranéh nu embung jadi jalma mu’min téh.
وَمَا كَانَ لَنَا عَلَيْكُمْ مِّنْ سُلْطٰنٍۚ بَلْ كُنْتُمْ قَوْمًا طٰغِيْنَ٣٠
Wa mā kāna lanā ‘alaikum min sulṭān(in), bal kuntum qauman ṭāgīn(a).
[30]
(Sabenerna) kuring saréréa teu pisan-pisan boga kakawasaan ka maranéh, malah sebenerna mah maranéh kaom nu ngarempak wates.
فَحَقَّ عَلَيْنَا قَوْلُ رَبِّنَآ ۖاِنَّا لَذَاۤىِٕقُوْنَ٣١
Fa ḥaqqa ‘alainā qaulu rabbinā, innā lażā'iqūn(a).
[31]
Ku kituna, nya pantes putusan (siksa) Pangéran tumiba ka urang. Sabenerna urang téh pasti bakal ngarasakeun (éta siksaan).
فَاَغْوَيْنٰكُمْ اِنَّا كُنَّا غٰوِيْنَ٣٢
Fa agwainākum innā kunnā gāwīn(a).
[32]
Kami (ngaku) geus nyasarkeun maranéh. Sabenerna urang saréréa téh jalma-jalma nu sasar.”
فَاِنَّهُمْ يَوْمَىِٕذٍ فِى الْعَذَابِ مُشْتَرِكُوْنَ٣٣
Fa innahum yauma'iżin fil-‘ażābi musytarikūn(a).
[33]
Sabenerna dina éta poé téh maranéhna babarengan ngarasakeun siksa.
اِنَّا كَذٰلِكَ نَفْعَلُ بِالْمُجْرِمِيْنَ٣٤
Innā każālika naf‘alu bil-mujrimīn(a).
[34]
Sabenerna kieu pisan Kami males ka jalma-jalma nu doraka téh.
اِنَّهُمْ كَانُوْٓا اِذَا قِيْلَ لَهُمْ لَآ اِلٰهَ اِلَّا اللّٰهُ يَسْتَكْبِرُوْنَ ۙ٣٥
Innahum kānū iżā qīla lahum lā ilāha illallāhu yastakbirūn(a).
[35]
Sabenerna baheula maranéhna waktu dicaritakeun “lā ilāha illallāh” (teu aya Pangéran anging ti Allah), maranéhna nyombongkeun dirina sorangan,
وَيَقُوْلُوْنَ اَىِٕنَّا لَتَارِكُوْٓا اٰلِهَتِنَا لِشَاعِرٍ مَّجْنُوْنٍ ۗ٣٦
Wa yaqūlūna a'innā latārikū ālihatinā lisyā‘irim majnūn(in).
[36]
Maranéhna nyarita, “Naha kuring saréréa téh kudu ninggalkeun pangéran-pangéran kuring saréréa ku sabab tukang sa’ir nu gélo?”
بَلْ جَاۤءَ بِالْحَقِّ وَصَدَّقَ الْمُرْسَلِيْنَ٣٧
Bal jā'a bil-ḥaqqi wa ṣaddaqal-mursalīn(a).
[37]
Padalah anjeunna (Muhammad) datang bari mawa bebeneran jeung ngaenyakeun para rasul (nu ti heula)
اِنَّكُمْ لَذَاۤىِٕقُوا الْعَذَابِ الْاَلِيْمِ ۚ٣٨
Innakum lażā'iqul-‘ażābil-alīm(i).
[38]
Sabenerna maranéh bakal ngarasakeun siksa nu kacida nyerina.
وَمَا تُجْزَوْنَ اِلَّا مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَۙ٣٩
Wa mā tujzauna illā mā kuntum ta‘malūn(a).
[39]
Maranéh moal diwales anging tina naon nu ku maranéh geus dipilampah.
اِلَّا عِبَادَ اللّٰهِ الْمُخْلَصِيْنَ٤٠
Illā ‘ibādallāhil-mukhlaṣīn(a).
[40]
Tapi hamba-hamba Allah nu dibersihkeun (tina dosa),
اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ رِزْقٌ مَّعْلُوْمٌۙ٤١
Ulā'ika lahum rizqum ma‘lūm(un).
[41]
aranjeunna dibéré rejeki nu geus ditangtukeun,
فَوَاكِهُ ۚوَهُمْ مُّكْرَمُوْنَۙ٤٢
Fawākihu wa hum mukramūn(a).
[42]
(nyaéta) bubuahan. Aranjeunna téh jalma-jalma anu dimulyakeun,
فِيْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِۙ٤٣
Fī jannātin na‘īm(i).
[43]
di jero sawarga-sawarga anu pinuh ku kani’matan.
عَلٰى سُرُرٍ مُّتَقٰبِلِيْنَ٤٤
‘Alā sururim mutaqābilīn(a).
[44]
(Maranéhna diuk) pahareup-hareup di luhur dipan.
يُطَافُ عَلَيْهِمْ بِكَأْسٍ مِّنْ مَّعِيْنٍۢ ۙ٤٥
Yuṭāfu ‘alaihim bika'sim mim ma‘īn(in).
[45]
Ka aranjeunna diiderkeun gelas (anu dieusi cai) tina cinyusu (sawarga).
بَيْضَاۤءَ لَذَّةٍ لِّلشّٰرِبِيْنَۚ٤٦
Baiḍā'a lażżatil lisy-syāribīn(a).
[46]
(Warnana) bodas nyacas jeung rasana ngeunah keur jalma-jalma nu nginum.
لَا فِيْهَا غَوْلٌ وَّلَا هُمْ عَنْهَا يُنْزَفُوْنَ٤٧
Lā fīhā gauluw wa lā hum ‘anhā yunzafūn(a).
[47]
Éta cai téh teu matak weureu jeung moal matak mabok ku lantaran nginum éta cai.
وَعِنْدَهُمْ قٰصِرٰتُ الطَّرْفِ عِيْنٌ ۙ٤٨
Wa ‘indahum qāṣirātuṭ-ṭarfi ‘īn(un).
[48]
Di sagigireun aranjeunna aya (widadari-widadari) nu satia, satuhu, tur éndah panonna.
كَاَنَّهُنَّ بَيْضٌ مَّكْنُوْنٌ٤٩
Ka'annahum baiḍum maknūn(un).
[49]
(Warna kulit) maranéhna téh lir ibarat (warna) endog nu diteundeun bari dipusti-pusti.
فَاَقْبَلَ بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍ يَّتَسَاۤءَلُوْنَ٥٠
Fa'aqbala ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍiy yatasā'alūn(a).
[50]
Tuluy sabagian ti aranjeunna nyanghareup ka sabagian nu lain, bari silih patanya.
قَالَ قَاۤىِٕلٌ مِّنْهُمْ اِنِّيْ كَانَ لِيْ قَرِيْنٌۙ٥١
Qāla qā'ilum minhum innī kāna lī qarīn(un).
[51]
Salah saurang ti antara aranjeunna nyarita, “Saenyana baheula (waktu di dunya) kuring boga hiji batur
يَّقُوْلُ اَءِنَّكَ لَمِنَ الْمُصَدِّقِيْنَ٥٢
Yaqūlu a'innaka laminal-muṣaddiqīn(a).
[52]
anu nyarita kieu, ‘Naha enya manéh téh kaasup jalma-jalma nu ngabenerkeun (kana poé dihudangkeun)?
ءَاِذَا مِتْنَا وَكُنَّا تُرَابًا وَّعِظَامًا ءَاِنَّا لَمَدِيْنُوْنَ٥٣
A'iżā mitnā wa kunnā turāban a'innā lamadīnūn(a).
[53]
Upama urang geus maot jeung geus jadi taneuh sarta jadi tulang-taléng, naha enya urang téh bener-bener (bakal dihudangkeun) deui pikeun diwales?’”
قَالَ هَلْ اَنْتُمْ مُّطَّلِعُوْنَ٥٤
Qāla hal antum muṭṭali‘ūn(a).
[54]
Anjeunna (pangeusi sawarga) nyarita deui, “Naha anjeun hayang nempo ka éta (sobat kuring)?”
فَاطَّلَعَ فَرَاٰهُ فِيْ سَوَاۤءِ الْجَحِيْمِ٥٥
Faṭṭala‘a fa ra'āhu fī sawā'il-jaḥīm(i).
[55]
Tuluy anjeunna téh nempo, bréh nempo baturna téa aya di tengah-tengah naraka Jahim.
قَالَ تَاللّٰهِ اِنْ كِدْتَّ لَتُرْدِيْنِ ۙ٥٦
Qāla tallāhi in kitta laturdīn(i).
[56]
Pok anjeunna (pangeusi sawarga) nyarita, “Demi Allah, sabenerna méh baé manéh téh nyilakakeun kuring.
وَلَوْلَا نِعْمَةُ رَبِّيْ لَكُنْتُ مِنَ الْمُحْضَرِيْنَ٥٧
Wa lau lā ni‘matu rabbī lakuntu minal-muḥḍarīn(a).
[57]
Lamun lain lantaran rahmat Pangéran kuring mah, tangtu kuring téh kaasup kana salah saurang nu diséréd (ka naraka).”
اَفَمَا نَحْنُ بِمَيِّتِيْنَۙ٥٨
Afamā naḥnu bimayyitīn(a).
[58]
Pangeusi sawarga nyarita ka sasamana,) “Naha urang téh moal maot,
اِلَّا مَوْتَتَنَا الْاُوْلٰى وَمَا نَحْنُ بِمُعَذَّبِيْنَ٥٩
Illā mautatunal-ūlā wa mā naḥnu bimu‘ażżabīn(a).
[59]
kajaba maot urang nu mimiti (waktu di dunya) jeung urang téh moal disiksa (sanggeusna urang asup ka sawarga)?”
اِنَّ هٰذَا لَهُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيْمُ٦٠
Inna hāżā lahuwal-fauzul-‘aẓīm(u).
[60]
Sabenerna nya ieu pisan kaunggulan anu kacida gedéna téh.
لِمِثْلِ هٰذَا فَلْيَعْمَلِ الْعٰمِلُوْنَ٦١
Limiṡli hāżā falya‘malil-‘āmilūn(a).
[61]
Pikeun (kaunggulan) nu sarupa kieu, mangka samistina mah kudu migawé amal jalma-jalma nu sanggup migawé amal.
اَذٰلِكَ خَيْرٌ نُّزُلًا اَمْ شَجَرَةُ الزَّقُّوْمِ٦٢
Ażālika khairun nuzulan am syajaratuz-zaqqūm(i).
[62]
Naha (idangan sawarga) éta nu leuwih hadé atawa tangkal Zaqqūm (minangka idangan naraka)?
اِنَّا جَعَلْنٰهَا فِتْنَةً لِّلظّٰلِمِيْنَ٦٣
Innā ja‘alnāhā fitnatal liẓ-ẓālimīn(a).
[63]
Sabenerna Kami ngajadikeun tangkal Zaqqūm minangka siksaan nu rongkah pikeun jalma-jalma dolim.
اِنَّهَا شَجَرَةٌ تَخْرُجُ فِيْٓ اَصْلِ الْجَحِيْمِۙ٦٤
Innahā syajaratun takhruju fī aṣlil-jaḥīm(i).
[64]
Sabenerna éta téh tangkal nu kaluar ti dasar naraka Jahim.
طَلْعُهَا كَاَنَّهٗ رُءُوْسُ الشَّيٰطِيْنِ٦٥
Ṭal‘uhā ka'annahū ru'ūsusy-syayāṭīn(i).
[65]
Mayangna lir hulu-hulu sétan.
فَاِنَّهُمْ لَاٰكِلُوْنَ مِنْهَا فَمَالِـُٔوْنَ مِنْهَا الْبُطُوْنَۗ٦٦
Fa innahum la'ākilūna minhā fa māli'ūna minhal-buṭūn(a).
[66]
Sabenerna maranéhna ngahakanan sawaréhna tina éta (buah tangkal Zaqqūm) nepi ka beuteung-beuteungna pinuh ku éta (buah).
ثُمَّ اِنَّ لَهُمْ عَلَيْهَا لَشَوْبًا مِّنْ حَمِيْمٍۚ٦٧
Ṡumma inna lahum ‘alaihā lasyaubam min ḥamīm(in).
[67]
Ėstu, sanggeusna ngahakan (buah Zaqqūm), maranéhna dibéré inuman nu dicampur jeung cai nu kacida panasna.
ثُمَّ اِنَّ مَرْجِعَهُمْ لَاِلَى الْجَحِيْمِ٦٨
Ṡumma inna marji‘ahum la'ilal-jaḥīm(i).
[68]
Pasti, tempat pangbalikan maranéhna téh ngan ka naraka Jahim.
اِنَّهُمْ اَلْفَوْا اٰبَاۤءَهُمْ ضَاۤلِّيْنَۙ٦٩
Innahum alfau ābā'ahum ḍāllīn(a).
[69]
Sabenerna maranéhna manggihan yén karuhun-karuhunna téh geus sasar.
فَهُمْ عَلٰٓى اٰثٰرِهِمْ يُهْرَعُوْنَ٧٠
Fahum ‘alā āṡārihim yuhra‘ūn(a).
[70]
Maranéhna gagancangan nuturkeun tapak lacak (karuhun-karuhun) maranéhna.
وَلَقَدْ ضَلَّ قَبْلَهُمْ اَكْثَرُ الْاَوَّلِيْنَۙ٧١
Wa laqad ḍalla qablahum akṡarul-awwalīn(a).
[71]
Sabenerna geus sasar saméméh maranéhna (suku Qurés) lolobana jalma-jalma nu ti heula.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا فِيْهِمْ مُّنْذِرِيْنَ٧٢
Wa laqad arsalnā fīhim munżirīn(a).
[72]
Sabenerna Kami geus ngutus (rasul-rasul) nu méré pépéling di tengah maranéhna.
فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُنْذَرِيْنَۙ٧٣
Fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-munżarīn(a).
[73]
Mangka, pék geura perhatikeun kumaha sabenerna panungtungan jalma-jalma nu geus dibéré pépéling,
اِلَّا عِبَادَ اللّٰهِ الْمُخْلَصِيْنَ ࣖ٧٤
Illā ‘ibādallāhil-mukhlaṣīn(a).
[74]
kajaba hamba-hamba Allah anu disucikeun (tina dosa).
وَلَقَدْ نَادٰىنَا نُوْحٌ فَلَنِعْمَ الْمُجِيْبُوْنَۖ٧٥
Wa laqad nādānā nūḥun falani‘mal-mujībūn(a).
[75]
Sabenerna Nuh geus ngadoa ka Kami, mangka ngan Kami anu panghadé-hadéna ngaijabah doa.
وَنَجَّيْنٰهُ وَاَهْلَهٗ مِنَ الْكَرْبِ الْعَظِيْمِۖ٧٦
Wa najjaināhu wa ahlahū minal-karbil-‘aẓīm(i).
[76]
Kami geus nyalametkeun anjeunna (Nuh) tur golonganana tina balai anu kacida rongkahna.
وَجَعَلْنَا ذُرِّيَّتَهٗ هُمُ الْبَاقِيْنَ٧٧
Wa ja‘alnā żurriyyatahū humul-bāqīn(a).
[77]
Kami geus ngajadikeun anak incuna jadi jalma-jalma anu neruskan turunanana.
وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِى الْاٰخِرِيْنَ ۖ٧٨
Wa taraknā ‘alaihi fil-ākhirīn(a).
[78]
Kami ngalanggengkeun pikeun Nuh (pangalem) ti golongan jalma-jalma nu datang pandeuri.
سَلٰمٌ عَلٰى نُوْحٍ فِى الْعٰلَمِيْنَ٧٩
Salāmun ‘alā nūḥin fil-‘ālamīn(a).
[79]
Salam raharja pikeun Nuh di sakumna alam.
اِنَّا كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ٨٠
Innā każālika najzil-muḥsinīn(a).
[80]
Tah kitu Kami males ka jalma-jalma nu milampah kahadéan.
اِنَّهٗ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِيْنَ٨١
Innahū min ‘ibādinal-mu'minīn(a).
[81]
Sabenerna Nuh kaasup golongan hamba-hamba Kami nu iman.
ثُمَّ اَغْرَقْنَا الْاٰخَرِيْنَ٨٢
Ṡumma agraqnal-ākharīn(a).
[82]
Tuluy Kami ngéremkeun jalma-jalma nu séjénna.
۞ وَاِنَّ مِنْ شِيْعَتِهٖ لَاِبْرٰهِيْمَ ۘ٨٣
Wa inna min syī‘atihī la'ibrāhīm(a).
[83]
Sabenerna Ibrahim téh kaasup golonganana (Nuh). 762
762) Nabi Ibrahim a.s. kaasup ti kalangan Nabi Nuh a.s. dina kaimanan ka Allah jeung pokok-pokok atikan agama.
اِذْ جَاۤءَ رَبَّهٗ بِقَلْبٍ سَلِيْمٍۙ٨٤
Iż jā'a rabbahū biqalbin salīm(in).
[84]
(Sing inget) nalika anjeunna (Ibrahim) ngadeuheus ka Pangéran kalayan haté nu suci beresih. 763
763) Ihlas pasrah sumerah ka Allah kalayan haté nu buleud.
اِذْ قَالَ لِاَبِيْهِ وَقَوْمِهٖ مَاذَا تَعْبُدُوْنَ ۚ٨٥
Iż qāla li'abīhi wa qaumihī māżā ta‘budūn(a).
[85]
(Sing inget) nalika anjeunna (Ibrahim) nyarita ka bapana jeung ka kaomna, “Naon anu disembah ku aranjeun téh?
اَىِٕفْكًا اٰلِهَةً دُوْنَ اللّٰهِ تُرِيْدُوْنَۗ٨٦
A'ifkan ālihatan dūnallāhi turīdūn(a).
[86]
Naha aranjeun ngaharepkeun kabohongan ku nyieun sesembahan salian ti Allah?
فَمَا ظَنُّكُمْ بِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٨٧
Famā ẓannukum birabbil-‘ālamīn(a).
[87]
Sabenerna kumaha anggapan aranjeun ngeunaan Pangéran sakumna alam téh?”
فَنَظَرَ نَظْرَةً فِى النُّجُوْمِۙ٨٨
Fa naẓara naẓratan fin-nujūm(i).
[88]
Tuluy anjeunna (Ibrahim) sarérétan nempo kana béntang-béntang.
فَقَالَ اِنِّيْ سَقِيْمٌ٨٩
Fa qāla innī saqīm(un).
[89]
Tuluy anjeunna (Ibrahim) nyarita, “Sabenerna kuring téh gering.” 764
764) Anjeunna mutuskeun yén dirina sieun sasar jeung sieun manggihan dirina dina kayakinan nu salah ngeunaan pangerén.
فَتَوَلَّوْا عَنْهُ مُدْبِرِيْنَ٩٠
Fa tawallau ‘anhu mudbirīn(a).
[90]
Tuluy maranéhna ngabalieur ti anjeunna (Ibrahim), bari ninggalkeun.
فَرَاغَ اِلٰٓى اٰلِهَتِهِمْ فَقَالَ اَلَا تَأْكُلُوْنَۚ٩١
Farāga ilā ālihatihim faqāla alā ta'kulūn(a).
[91]
Tuluy anjeunna (Ibrahim) indit rerencepan ka tempat berhala-berhala maranéhna sarta nyarita, “Naha maranéh (hé berhala-berhala) teu baranghakan?
مَا لَكُمْ لَا تَنْطِقُوْنَ٩٢
Mā lakum lā tanṭiqūn(a).
[92]
Ku naon maranéh téh bet henteu ngajawab?”
فَرَاغَ عَلَيْهِمْ ضَرْبًا ۢبِالْيَمِيْنِ٩٣
Farāga ‘alaihim ḍarbam bil-yamīn(i).
[93]
Tuluy disanghareupan éta (berhala-berhala) bari neunggeulan berhala-berhala ku leungeun katuhuna.
فَاَقْبَلُوْٓا اِلَيْهِ يَزِفُّوْنَ٩٤
Fa aqbalū ilaihi yaziffūn(a).
[94]
Tuluy maranéhna (kaomna) ngabring ngajugjug anjeunna (Ibrahim) kalayan gagancangan.
قَالَ اَتَعْبُدُوْنَ مَا تَنْحِتُوْنَۙ٩٥
Qāla ata‘budūna mā tanḥitūn(a).
[95]
Anjeunna (Ibrahim) nyarita, “Naha pantes aranjeun nyembah patung-patung nu diukir ku aranjeun sorangan?
وَاللّٰهُ خَلَقَكُمْ وَمَا تَعْمَلُوْنَ٩٦
Wallāhu khalaqakum wa mā ta‘malūn(a).
[96]
Padahal Allah anu nyiptakeun aranjeun jeung rupa-rupa nu ku aranjeun dipigawé!”
قَالُوا ابْنُوْا لَهٗ بُنْيَانًا فَاَلْقُوْهُ فِى الْجَحِيْمِ٩٧
Qālubnū lahū bun-yānan fa'alqūhu fil-jaḥīm(i).
[97]
Maranéhna nyarita, “Buru adegkeun hiji wangunan pikeun (ngaduruk) Ibrahim, tuluy alungkeun manéhna kana éta seuneu nu ngabebela!”
فَاَرَادُوْا بِهٖ كَيْدًا فَجَعَلْنٰهُمُ الْاَسْفَلِيْنَ٩٨
Fa arādū bihī kaidan faja‘alnāhumul-asfalīn(a).
[98]
Maranéhna rék nyieun tipu daya ku cara (ngaduruk) anjeunna, tapi Kami ngajadikeun maranéhna (kaom Ibrahim) jadi jalma-jalma anu hina.
وَقَالَ اِنِّيْ ذَاهِبٌ اِلٰى رَبِّيْ سَيَهْدِيْنِ٩٩
Wa qāla innī żāhibun ilā rabbī sayahdīn(i).
[99]
Ibrahim nyarita, “Sabenerna kuring rék indit ngadeuheus ka Pangéran kuring. Mantenna bakal maparin pituduh ka kuring.
رَبِّ هَبْ لِيْ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ١٠٠
Rabbi hab lī minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[100]
Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti maparin kurnia ka abdi (turunan) nu kalebet jalma-jalma nu soléh.”
فَبَشَّرْنٰهُ بِغُلٰمٍ حَلِيْمٍ١٠١
Fa basysyarnāhu bigulāmin ḥalīm(in).
[101]
Mangka, Kami méré béja pikabungaheun ka anjeunna ku (lahirna) hiji anak nu kacida santunna (Ismail).
فَلَمَّا بَلَغَ مَعَهُ السَّعْيَ قَالَ يٰبُنَيَّ اِنِّيْٓ اَرٰى فِى الْمَنَامِ اَنِّيْٓ اَذْبَحُكَ فَانْظُرْ مَاذَا تَرٰىۗ قَالَ يٰٓاَبَتِ افْعَلْ مَا تُؤْمَرُۖ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ مِنَ الصّٰبِرِيْنَ١٠٢
Falammā balaga ma‘ahus-sa‘ya qāla yā bunayya innī arā fil-manāmi annī ażbaḥuka fanẓur māżā tarā, qāla yā abatif‘al mā tu'mar(u), satajidunī in syā'allāhu minaṣ-ṣābirīn(a).
[102]
Nya waktu éta putra nepi (kana umurna) geus bisa usaha babarengan jeung anjeunna, (Ibrahim) nyarios, “Anaking, sabenerna bapa ningal dina impian yén bapa bener-bener meuncit hidep. Cing pikiran, kumaha putusan hidep?” Anjeunna (Ismail) ngajawab, “Nun bapa, mangga laksanakeun sagala rupi anu dipiwarangkeun (ku Allah) ka bapa. Insya Allah, jaga bapa bakal mendakan kaayaan abdi kalebet jalmi-jalmi nu sabar.”
فَلَمَّآ اَسْلَمَا وَتَلَّهٗ لِلْجَبِيْنِۚ١٠٣
Falammā aslamā wa tallahū lil-jabīn(i).
[103]
Waktu duanana geus sumerah diri jeung (Ibrahim) geus ngagolérkeun putrana dina luhur gundukan (pikeun ngalaksanakeun paréntah Allah),
وَنَادَيْنٰهُ اَنْ يّٰٓاِبْرٰهِيْمُ ۙ١٠٤
Wa nādaināhu ay yā ibrāhīm(u).
[104]
Kami nyauran ka anjeunna, “Hé Ibrahim,
قَدْ صَدَّقْتَ الرُّءْيَا ۚاِنَّا كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ١٠٥
Qad ṣaddaqtar-ru'yā, innā każālika najzil-muḥsinīn(a).
[105]
tétéla hidep geus ngabenerkeun kana éta impian.” 765 Sabenerna nya kitu Kami males ka jalma-jalma nu milampah kahadéan.
765) Percaya yén éta impian téh bener-bener ti Allah jeung wajib dilaksanakeun.
اِنَّ هٰذَا لَهُوَ الْبَلٰۤؤُا الْمُبِيْنُ١٠٦
Inna hāżā lahuwal-balā'ul-mubīn(u).
[106]
Sabenerna ieu téh cocoba anu nyata.
وَفَدَيْنٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيْمٍ١٠٧
Wa fadaināhu biżibḥin ‘aẓīm(in).
[107]
Kami geus nebus anjeunna (Ismail) ku peupeuncitan anu gedé (domba nu lintuh). 766
766) Saenggeus ébréh kasabaran sarta kataatan Nabi Ibrahim a.s. jeung Nabi Ismail a.s., mangka Allah nyegah meuncit Nabi Ismail a.s. Ku kituna, pikeun nuluykeun korban, Allah ngagantina ku domba. Dumasar kana ieu kajadian, mangka disaréatkeun korban nu dilaksanakeun dina wanci Idul Adha.
وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِى الْاٰخِرِيْنَ ۖ١٠٨
Wa taraknā ‘alaihi fil-ākhirīn(a).
[108]
Kami ngalanggengkeun pikeun Ibrahim (pangalem nu hadé) di golongan jalma-jalma nu datang pandeuri,
سَلٰمٌ عَلٰٓى اِبْرٰهِيْمَ١٠٩
Salāmun ‘alā ibrāhīm(a).
[109]
Salam raharja pikeun Ibrahim.
كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ١١٠
Każālika najzil-muḥsinīn(a).
[110]
Tah kitu pisan Kami males ka jalma-jalma nu milampah kahadéan.
اِنَّهٗ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِيْنَ١١١
Innahū min ‘ibādinal-mu'minīn(a).
[111]
Sabenerna anjeunna téh kaasup hamba-hamba Kami nu mu’min.
وَبَشَّرْنٰهُ بِاِسْحٰقَ نَبِيًّا مِّنَ الصّٰلِحِيْنَ١١٢
Wa basysyarnāhu bi'isḥāqa nabiyyam minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[112]
Kami méré béja pikabungahéun ka anjeunna ngeunaan (bakal lahirna) Ishaq, hiji nabi anu kaasup jalma-jalma nu soléh.
وَبٰرَكْنَا عَلَيْهِ وَعَلٰٓى اِسْحٰقَۗ وَمِنْ ذُرِّيَّتِهِمَا مُحْسِنٌ وَّظَالِمٌ لِّنَفْسِهٖ مُبِيْنٌ ࣖ١١٣
Wa bāraknā ‘alaihi wa ‘alā isḥāq(a), wa min żurriyyatihimā muḥsinuw wa ẓālimul linafsihī mubīn(un).
[113]
Kami ogé geus ngalimpahkeun kaberkahan pikeun anjeunna (Ibrahim) jeung Ishaq. Ti antara katurunanana aya nu milampah kahadéan jeung aya (ogé) anu terang-terangan milampah dolim ka dirina sorangan.
وَلَقَدْ مَنَنَّا عَلٰى مُوْسٰى وَهٰرُوْنَ ۚ١١٤
Wa laqad manannā ‘alā mūsā wa hārūn(a).
[114]
Tétéla Kami bener-bener geus ngurniakeun ni’mat ka Musa jeung Harun.
وَنَجَّيْنٰهُمَا وَقَوْمَهُمَا مِنَ الْكَرْبِ الْعَظِيْمِۚ١١٥
Wa najjaināhumā wa qaumahumā minal-karbil-‘aẓīm(i).
[115]
Kami ogé geus nyalametkeun aranjeunna duaan jeung kaomna tina balai nu kacida gedéna.
وَنَصَرْنٰهُمْ فَكَانُوْا هُمُ الْغٰلِبِيْنَۚ١١٦
Wa naṣarnāhum fakānū humul-gālibīn(a).
[116]
Kami ogé geus nulungan aranjeunna duaan nepi ka jadi jalma-jalma nu unggul.
وَاٰتَيْنٰهُمَا الْكِتٰبَ الْمُسْتَبِيْنَ ۚ١١٧
Wa ātaināhumal-kitābal-mustabīn(a).
[117]
Kami ogé geus ngurniakeun ka aranjeunna duaan Kitab anu kacida jéntréna (Torét).
وَهَدَيْنٰهُمَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيْمَۚ١١٨
Wa hadaināhumaṣ-ṣirāṭal-mustaqīm(a).
[118]
Kami ogé geus ngabingbing aranjeunna duaan kana jalan anu lempeng.
وَتَرَكْنَا عَلَيْهِمَا فِى الْاٰخِرِيْنَ ۖ١١٩
Wa taraknā ‘alaihimā fil-ākhirīn(a).
[119]
Kami ogé geus ngalanggengkeun pikeun aranjeunna duaan (pangalem nu hadé) ti golongan jalma-jalma nu datang pandeuri.
سَلٰمٌ عَلٰى مُوْسٰى وَهٰرُوْنَ١٢٠
Salāmun ‘alā mūsā wa hārūn(a).
[120]
Salam raharja pikeun Musa jeung Harun.
اِنَّا كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ١٢١
Innā każālika najzil-muḥsinīn(a).
[121]
Tah kitu pisan Kami males ka jalma-jalma anu milampah kahadéan.
اِنَّهُمَا مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِيْنَ١٢٢
Innahumā min ‘ibādinal-mu'minīn(a).
[122]
Sabenerna aranjeunna duaan téh kaasup hamba-hamba Kami anu mu’min.
وَاِنَّ اِلْيَاسَ لَمِنَ الْمُرْسَلِيْنَۗ١٢٣
Wa inna ilyāsa laminal-mursalīn(a).
[123]
Sabenerna Ilyas téh kaasup salah saurang ti para rasul.
اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖٓ اَلَا تَتَّقُوْنَ١٢٤
Iż qāla liqaumihī alā tattaqūn(a).
[124]
(Sing inget) nalika anjeunna nyarita ka kaomna, “Naha aranjeun téh bet henteu takwa ka Allah?
اَتَدْعُوْنَ بَعْلًا وَّتَذَرُوْنَ اَحْسَنَ الْخٰلِقِيْنَۙ١٢٥
Atad‘ūna ba‘law wa tażarūna aḥsanal-khāliqīn(a).
[125]
Naha pantes aranjeun nyembah Ba’lan 767 jeung ninggalkeun nu panghadé-hadéna nyiptakeun,
767) Ba’lan téh ngaran salaha sahiji berhala di kalangan Phunicia.
اللّٰهَ رَبَّكُمْ وَرَبَّ اٰبَاۤىِٕكُمُ الْاَوَّلِيْنَ١٢٦
Allāha rabbakum wa rabba ābā'ikumul-awwalīn(a).
[126]
(nyaéta) Allah Pangéran aranjeun jeung Pangéran karuhun-karuhun aranjeun nu ti heula?”
فَكَذَّبُوْهُ فَاِنَّهُمْ لَمُحْضَرُوْنَۙ١٢٧
Fakażżabūhu fa'innahum lamuḥḍarūn(a).
[127]
Tuluy maranéhna ngabohongkeun ka anjeunna (Ilyas). Saenyana maranéhna téh pasti bakal diséréd (ka naraka),
اِلَّا عِبَادَ اللّٰهِ الْمُخْلَصِيْنَ١٢٨
Illā ‘ibādallāhil-mukhlaṣīn(a).
[128]
kajaba hamba-hamba Allah nu pinilih.
وَتَرَكْنَا عَلَيْهِ فِى الْاٰخِرِيْنَ ۙ١٢٩
Wa taraknā ‘alaihi fil-ākhirīn(a).
[129]
Kami ngalanggengkeun pikeun Ilyas (pangalem nu hadé) di golongan jalma-jalma nu datang pandeuri.
سَلٰمٌ عَلٰٓى اِلْ يَاسِيْنَ١٣٠
Salāmun ‘alā ilyāsīn(a).
[130]
Salam raharja pikeun Ilyas.
اِنَّا كَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ١٣١
Innā każālika najzil-muḥsinīn(a).
[131]
Tah kitu sabenerna Kami males ka jalma-jalma nu milampah kahadéan.
اِنَّهٗ مِنْ عِبَادِنَا الْمُؤْمِنِيْنَ١٣٢
Innahū min ‘ibādinal-mu'minīn(a).
[132]
Sabenerna anjeunna (Ilyas) kaasup hamba-hamba Kami nu mu’min.
وَاِنَّ لُوْطًا لَّمِنَ الْمُرْسَلِيْنَۗ١٣٣
Wa inna lūṭal laminal-mursalīn(a).
[133]
Sabenerna Lut téh kaasup salah saurang ti para rasul.
اِذْ نَجَّيْنٰهُ وَاَهْلَهٗٓ اَجْمَعِيْنَۙ١٣٤
Iż najjaināhu wa ahlahū ajma‘īn(a).
[134]
(Sing inget) waktu Kami nyalametkeun anjeunna tur sakabéh wadyabaladna,
اِلَّا عَجُوْزًا فِى الْغٰبِرِيْنَ١٣٥
Illā ‘ajūzan fil-gābirīn(a).
[135]
kajaba hiji awéwé kolot (pamajikanana) nu kaasup golongan (jalma-jalma kapir) nu tinggaleun.
ثُمَّ دَمَّرْنَا الْاٰخَرِيْنَ١٣٦
Ṡumma dammarnal-ākharīn(a).
[136]
Tuluy Kami ngabinasakeun jalma-jalma nu lianna.
وَاِنَّكُمْ لَتَمُرُّوْنَ عَلَيْهِمْ مُّصْبِحِيْنَۙ١٣٧
Wa innakum latamurrūna ‘alaihim muṣbiḥīn(a).
[137]
Sabenerna maranéhna (pangeusi Mekah) téh rék ngaliwatan (tapak-tapak kaancuran) maranéhna dina wanci isuk-isuk
وَبِالَّيْلِۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ ࣖ١٣٨
Wa bil-lail(i), afalā ta‘qilūn(a).
[138]
jeung dina wanci ti peuting. Ku kituna, naha atuh maranéh téh teu ngagunakeun akal?
وَاِنَّ يُوْنُسَ لَمِنَ الْمُرْسَلِيْنَۗ١٣٩
Wa inna yūnusa laminal-mursalīn(a).
[139]
Sabenerna Yunus téh kaasup salah saurang ti para rasul.
اِذْ اَبَقَ اِلَى الْفُلْكِ الْمَشْحُوْنِۙ١٤٠
Iż abaqa ilal-fulkil-masyḥūn(i).
[140]
(Sing inget) nalika anjeunna (Yunus) lumpat 768 ngajugjug parahu anu pinuh (ku muatan).
768) Indit ninggalkeun kawajiban.
فَسَاهَمَ فَكَانَ مِنَ الْمُدْحَضِيْنَۚ١٤١
Fa sāhama fakāna minal-mudḥaḍīn(a).
[141]
Tuluy anjeunna téh milu kabawa diundi 769 jeung kaasup jalma-jalma anu éléh dina éta (undian).
769) Undian kapaksa diayakeun ku lantaran muatan parahu pinuh. Lamun teu dikurangan, tangtu éta parahu bakal kérem. Ku kituna, prak baé diayakeun undian. Saha baé jalma anu éléh dina undian rék dialungkeun ka laut. Nabi Yunus a.s. kaasup anu éléh dina undian, jeung kudu dialungkeun ka laut.
فَالْتَقَمَهُ الْحُوْتُ وَهُوَ مُلِيْمٌ١٤٢
Faltaqamahul-ḥūtu wa huwa mulīm(un).
[142]
Anjeunna (Yunus) dilegleg ku lauk gedé, bari dina kaayaan keur migawé laku lampah nu dicawad. 770
770) Dicawad ku lantaran anjeunna kabur ninggalkeun kaomna.
فَلَوْلَآ اَنَّهٗ كَانَ مِنَ الْمُسَبِّحِيْنَ ۙ١٤٣
Falau lā annahū kāna minal-musabbiḥīn(a).
[143]
Lamun anjeunna teu kaasup jalma-jalma anu loba nyucikeun (tasbéh) ka Allah mah,
لَلَبِثَ فِيْ بَطْنِهٖٓ اِلٰى يَوْمِ يُبْعَثُوْنَۚ١٤٤
Lalabiṡa fī baṭnihī ilā yaumi yub‘aṡūn(a).
[144]
tangtu anjeunna bakal tetep dina beuteung (lauk) nepi ka poé dihudangkeun (tina kubur).
۞ فَنَبَذْنٰهُ بِالْعَرَاۤءِ وَهُوَ سَقِيْمٌ ۚ١٤٥
Fa nabażnāhu bil-‘arā'i wa huwa saqīm(un).
[145]
Tuluy Kami ngalungkeun anjeunna (tina sungut lauk) ka basisir anu taneuhna angar, bari anjeunna téh (keur) gering.
وَاَنْۢبَتْنَا عَلَيْهِ شَجَرَةً مِّنْ يَّقْطِيْنٍۚ١٤٦
Wa ambatnā ‘alaihi syajaratam miy yaqṭīn(in).
[146]
Kami tuluy nuwuhkeun keur anjeunna hiji tangkal sabangsaning waluh.
وَاَرْسَلْنٰهُ اِلٰى مِائَةِ اَلْفٍ اَوْ يَزِيْدُوْنَۚ١٤٧
Wa arsalnāhu ilā mi'ati alfin au yazīdūn(a).
[147]
Kami ngutus anjeunna (Yunus) ka saratus rébu (manusa) atawa leuwih.
فَاٰمَنُوْا فَمَتَّعْنٰهُمْ اِلٰى حِيْنٍ١٤٨
Fa'āmanū famatta‘nāhum ilā ḥīn(in).
[148]
Mangka, maranéhna téh iman. Ku lantaran kitu, Kami méré kani’matan hurip pikeun maranéhna nepi ka wanci anu geus ditangtukeun.
فَاسْتَفْتِهِمْ اَلِرَبِّكَ الْبَنَاتُ وَلَهُمُ الْبَنُوْنَۚ١٤٩
Fastaftihim alirabbikal-banātu wa lahumul-banūn(a).
[149]
Pék tanyakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna (jalma-jalma kapir Mekah), “Naha anak-anak awéwé pikeun Pangeran aranjeun, sedengkeun anak laki-laki pikeun aranjeun? 771
771) Jalma-jalma musyrik ngomong yén Allah boga anak-anak awéwé ti kalangan Malaikat, padahal maranéhna sorangan nganggap hina ka anak awéwé téh.
اَمْ خَلَقْنَا الْمَلٰۤىِٕكَةَ اِنَاثًا وَّهُمْ شٰهِدُوْنَ١٥٠
Am khalaqnal-malā'ikata ināṡaw wa hum syāhidūn(a).
[150]
Atawa Kami nyiptakeun para malaikat téh awéwé, bari maranéhna téh nyaksian?”
اَلَآ اِنَّهُمْ مِّنْ اِفْكِهِمْ لَيَقُوْلُوْنَۙ١٥١
Alā innahum min ifkihim layaqūlūn(a).
[151]
Sing inget yén sabenerna maranéhna téh kalayan kabohonganana nyarita kieu,
وَلَدَ اللّٰهُ ۙوَاِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَۙ١٥٢
Waladallāh(u), wa innahum lakāżibūn(a).
[152]
Allah téh kagungan putra.” Sabenerna maranéhna téh bener-bener jalma-jalma nu ngabohong.
اَصْطَفَى الْبَنَاتِ عَلَى الْبَنِيْنَۗ١٥٣
Aṣṭafal-banāti ‘alal-banīn(a).
[153]
Naha Mantenna (Allah) téh leuwih milih anak-anak awéwé tibatan anak-anak lalaki?
مَا لَكُمْۗ كَيْفَ تَحْكُمُوْنَ١٥٤
Mā lakum, kaifa taḥkumūn(a).
[154]
Naha kunaon maranéh téh? Kumaha (carana) maranéh netepkeunana?
اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَۚ١٥٥
Afalā tażakkarūn(a).
[155]
Naha maranéh téh bet teu mikir?
اَمْ لَكُمْ سُلْطٰنٌ مُّبِيْنٌۙ١٥٦
Am lakum sulṭānum mubīn(un).
[156]
Atawa maranéh téh boga bukti nu jelas?
فَأْتُوْا بِكِتٰبِكُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٥٧
Fa'tū bikitābikum in kuntum ṣādiqīn(a).
[157]
(Lamun jiga kitu), geura pék bawa kitab maranéh, mun enya mah maranéh téh jalma-jalma anu bener.
وَجَعَلُوْا بَيْنَهٗ وَبَيْنَ الْجِنَّةِ نَسَبًا ۗوَلَقَدْ عَلِمَتِ الْجِنَّةُ اِنَّهُمْ لَمُحْضَرُوْنَۙ١٥٨
Wa ja‘alū bainahū wa bainal-jinnati nasabā(n), wa laqad ‘alimatil-jinnatu innahum lamuḥḍarūn(a).
[158]
Maranéhna ngayakeun (jijieunan) nasab (kulawarga) antara Mantenna (Allah) jeung jin. Padahal jin-jin mah saenyana nyahoeun yén maranéhna téh bakal diséréd (kana jero naraka).
سُبْحٰنَ اللّٰهِ عَمَّا يَصِفُوْنَۙ١٥٩
Subḥānallāhi ‘ammā yaṣifūn(a).
[159]
Mahasuci Allah tina sagala rupi nu ku maranéhna disipatkeun,
اِلَّا عِبَادَ اللّٰهِ الْمُخْلَصِيْنَ١٦٠
Illā ‘ibādallāhil-mukhlaṣīn(a).
[160]
iwal ti hamba-hamba Allah 772 nu pinilih.
772) Kalangan jin anu iman.
فَاِنَّكُمْ وَمَا تَعْبُدُوْنَۙ١٦١
Fa'innakum wa mā ta‘budūn(a).
[161]
Sabenerna maranéh jeung sakabéh nu ku maranéh disembah téh,
مَآ اَنْتُمْ عَلَيْهِ بِفٰتِنِيْنَۙ١٦٢
Mā antum ‘alaihi bifātinīn(a).
[162]
moal pisan-pisan bisa nyasarkeun (sanajan saurang ogé) ka Allah,
اِلَّا مَنْ هُوَ صَالِ الْجَحِيْمِ١٦٣
Illā man huwa ṣālil-jaḥīm(i).
[163]
iwal ti jalma-jalma nu pasti bakal asup kana naraka jahim.
وَمَا مِنَّآ اِلَّا لَهٗ مَقَامٌ مَّعْلُوْمٌۙ١٦٤
Wa mā minnā illā lahū maqāmum ma‘lūm(un).
[164]
Henteu aya saurang ogé ti antara kuring saréréa (malaikat), kajaba masing-masing miboga kalungguhan nu geus tangtu.
وَّاِنَّا لَنَحْنُ الصَّۤافُّوْنَۖ١٦٥
Wa innā lanaḥnuṣ-ṣāffūn(a).
[165]
Sabenerna kuring saréréa salawasna bérés ngajéjér dina barisan (sajeroning ngalaksanakeun paréntah Allah).
وَاِنَّا لَنَحْنُ الْمُسَبِّحُوْنَ١٦٦
Wa innā lanaḥnul-musabbiḥūn(a).
[166]
Sabenerna kuring saréréa (malaikat) bener-bener mayeng tasbéh (muji ka Allah).
وَاِنْ كَانُوْا لَيَقُوْلُوْنَۙ١٦٧
Wa in kānū layaqūlūn(a).
[167]
Saenyana maranéhna (jalma-jalma kapir Mekah) téh kungsi nyarita kieu,
لَوْ اَنَّ عِنْدَنَا ذِكْرًا مِّنَ الْاَوَّلِيْنَۙ١٦٨
Lau anna ‘indanā żikram minal-awwalīn(a).
[168]
“Lamun seug ti antara urang saréréa aya pépéling (kitab-kitab nu diturunkeun) ka jalma-jalma nu ti heula,
لَكُنَّا عِبَادَ اللّٰهِ الْمُخْلَصِيْنَ١٦٩
Lakunnā ‘ibādallāhil-mukhlaṣīn(a).
[169]
tangtu urang saréréa bakal jadi hamba-hamba Allah nu pinilih.”
فَكَفَرُوْا بِهٖۚ فَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ١٧٠
Fa kafarū bih(ī), fasaufa ya‘lamūn(a).
[170]
Tapi nyatana maranéhna kalah ka ingkar kana éta (Al-Qur’an), nya engké ogé maranéhna bakal nyaho (akibat keingkaranana).
وَلَقَدْ سَبَقَتْ كَلِمَتُنَا لِعِبَادِنَا الْمُرْسَلِيْنَ ۖ١٧١
Wa laqad sabaqat kalimatunā li‘ibādinal-mursalīn(a).
[171]
Sabenerna geus tetep jangji Kami pikeun hamba-hamba Kami nu jadi rasul,
اِنَّهُمْ لَهُمُ الْمَنْصُوْرُوْنَۖ١٧٢
Innahum lahumul-manṣūrūn(a).
[172]
(nyaéta) aranjeunna pasti bakal meunang pitulung
وَاِنَّ جُنْدَنَا لَهُمُ الْغٰلِبُوْنَ١٧٣
Wa inna jundanā lahumul-gālibūn(a).
[173]
jeung sabenerna nya wadyabalad Kami 773 nu pasti unggul.
773) Rasul jeung panganut-panganutna.
فَتَوَلَّ عَنْهُمْ حَتّٰى حِيْنٍۙ١٧٤
Fatawalla ‘anhum ḥattā ḥīn(in).
[174]
Mangka, sok hidep (Muhammad) ngabalieur ti maranéhna, nepi ka datangna waktu nu geus ditangtukeun, 774
774) Nepi ka kanjeng Rasul kagungan kakiatan.
وَّاَبْصِرْهُمْۗ فَسَوْفَ يُبْصِرُوْنَ١٧٥
Wa abṣirhum, fa saufa yubṣirūn(a).
[175]
Pék geura tingali ku hidep maranéhna. Mangka, jaga maranéhna bakal nempo (éta siksaan).
اَفَبِعَذَابِنَا يَسْتَعْجِلُوْنَ١٧٦
Afabi‘ażābinā yasta‘jilūn(a).
[176]
Naha maranéhna téh ménta sangkan siksaan Kami digancangkeun?
فَاِذَا نَزَلَ بِسَاحَتِهِمْ فَسَاۤءَ صَبَاحُ الْمُنْذَرِيْنَ١٧٧
Fa iżā nazala bisāḥatihim fa sā'a ṣabāḥul-munżarīn(a).
[177]
Nya upama éta siksaan téh turun di buruan maranéhna, mangka kacida goréngna wanci subuh pikeun jalma-jalma nu geus diélingan téh. 775
775) Lain waktu subuh atawa isuk-isuk, tapi iraha baé waktu jalma-jalma narajang nyerang saméméh subuh. Mangka, jalma-jalma anu éléh bakal éléh dina wanci isuk-isuk kénéh.
وَتَوَلَّ عَنْهُمْ حَتّٰى حِيْنٍۙ١٧٨
Wa tawalla ‘anhum ḥattā ḥīn(in).
[178]
Pék geura ngabalieur hidep ti maranéhna, nepi ka datangna waktu nu geus ditangtukeun.
وَّاَبْصِرْۗ فَسَوْفَ يُبْصِرُوْنَ١٧٩
Wa abṣir, fasaufa yubṣirūn(a).
[179]
Pék geura tingali ku hidep maranéhna. Mangka, jaga maranéhna bakal nempo (éta siksaan).
سُبْحٰنَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَۚ١٨٠
Subḥāna rabbika rabbil-‘izzati ‘ammā yaṣifūn(a).
[180]
Mahasuci Pangéran hidep, Pangéran nu ngagaduhan kamulyaan tina naon baé nu ku maranéhna disipatkeun (ka Mantenna).
وَسَلٰمٌ عَلَى الْمُرْسَلِيْنَۚ١٨١
Wa salāmun ‘alal-mursalīn(a).
[181]
Salam raharja pikeun para rasul.
وَالْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ١٨٢
Wal-ḥamdu lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[182]
Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran sakumna alam.