Surah Ya Sin
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰسۤ ۚ١
Yā sīn.
[1]
Yā Sīn. 753
753) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
وَالْقُرْاٰنِ الْحَكِيْمِۙ٢
Wal-qur'ānil-ḥakīm(i).
[2]
Demi Al-Qur’an nu pinuh ku hikmah,
اِنَّكَ لَمِنَ الْمُرْسَلِيْنَۙ٣
Innaka laminal-mursalīn(a).
[3]
sabenerna hidep (Muhammad) téh salah saurang ti antara rasul-rasul,
عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍۗ٤
‘Alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[4]
(nu aya) dina jalan nu lempeng,
تَنْزِيْلَ الْعَزِيْزِ الرَّحِيْمِۙ٥
Tanzīlal-‘azīzir-raḥīm(i).
[5]
(minangka wahyu) nu diturunken ku (Allah) Nu Mahagagah (tur) Nu Mahaasih,
لِتُنْذِرَ قَوْمًا مَّآ اُنْذِرَ اٰبَاۤؤُهُمْ فَهُمْ غٰفِلُوْنَ٦
Litunżira qaumam mā unżira ābā'uhum fahum gāfilūn(a).
[6]
sangkan hidep méré pépéling ka kaom nu karuhunna tacan kungsi dibéré pépéling nepi ka maranéhna téh talobéh (tina kaimanan).
لَقَدْ حَقَّ الْقَوْلُ عَلٰٓى اَكْثَرِهِمْ فَهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ٧
Laqad ḥaqqal-qaulu ‘alā akṡarihim fahum lā yu'minūn(a).
[7]
Tétéla bener-bener geus tumerap caritaan (katangtuan takdir) ka lolobaan ti maranéhna, mangka maranéhna teu iman.
اِنَّا جَعَلْنَا فِيْٓ اَعْنَاقِهِمْ اَغْلٰلًا فَهِيَ اِلَى الْاَذْقَانِ فَهُمْ مُّقْمَحُوْنَ٨
Innā ja‘alnā fī a‘nāqihim aglālan fa hiya ilal-ażqāni fahum muqmaḥūn(a).
[8]
Sabenerna Kami geus masang bangkol dina beuheung maranéhna, tuluy (lengeunna nu dibangkol téa diangkat) kana gadona, nepi ka maranéhna nenggak.
وَجَعَلْنَا مِنْۢ بَيْنِ اَيْدِيْهِمْ سَدًّا وَّمِنْ خَلْفِهِمْ سَدًّا فَاَغْشَيْنٰهُمْ فَهُمْ لَا يُبْصِرُوْنَ٩
Wa ja‘alnā mim baini aidīhim saddaw wa min khalfihim saddan fa agsyaināhum fahum lā yubṣirūn(a).
[9]
Kami masang pipinding di hareupeun jeung di satukangeunana, nepi ka ku Kami (panénjo) maranéhna dipeungpeunan, nepi ka maranéhna téh teu bisaeun nénjo.
وَسَوَاۤءٌ عَلَيْهِمْ ءَاَنْذَرْتَهُمْ اَمْ لَمْ تُنْذِرْهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٠
Wa sawā'un ‘alaihim a'anżartahum am lam tunżirhum lā yu'minūn(a).
[10]
Sarua baé pikeun maranéhna mah, boh ku hidep (Muhammad) dibéré pépéling boh henteu, maranéhna tetep moal iman.
اِنَّمَا تُنْذِرُ مَنِ اتَّبَعَ الذِّكْرَ وَخَشِيَ الرَّحْمٰنَ بِالْغَيْبِۚ فَبَشِّرْهُ بِمَغْفِرَةٍ وَّاَجْرٍ كَرِيْمٍ١١
Innamā tunżiru manittaba‘aż-żikra wa khasyiyar-raḥmāna bil-gaib(i), fa basysyirhu bimagfiratiw wa ajrin karīm(in).
[11]
Sabenerna hidep mah ngan (bisa) méré pépéling ka jalma-jalma nu daékeun milu 754 jeung nu sieun ku ka Allah Nu Mahawelas sanajan manéhna teu ningali ka Mantenna. Ku kituna, nya prak geura bubungah maranéhna ku pangampura jeung ganjaran nu mulya.
754) Pépéling anu didugikeun ku Nabi Muhammad Saw. ngan gedé gunana pikeun panganut-panganutna.
اِنَّا نَحْنُ نُحْيِ الْمَوْتٰى وَنَكْتُبُ مَا قَدَّمُوْا وَاٰثَارَهُمْۗ وَكُلَّ شَيْءٍ اَحْصَيْنٰهُ فِيْٓ اِمَامٍ مُّبِيْنٍ ࣖ١٢
Innā naḥnu nuḥyil-mautā wa naktubu mā qaddamū wa āṡārahum, wa kulla syai'in aḥṣaināhu fī imāmim mubīn(in).
[12]
Sabenerna nya Kami nu ngahirupkeun jalma-jalma nu maot jeung nu nyatetkeun naon baé nu geus dipilampah ku maranéhna tur tapak lacak nu (ditinggalkeun) ku maranéhna. Sagala rupa ogé ku Kami dikumpulkeun dina induk Kitab anu nyata (Loh Mahpud).
وَاضْرِبْ لَهُمْ مَّثَلًا اَصْحٰبَ الْقَرْيَةِۘ اِذْ جَاۤءَهَا الْمُرْسَلُوْنَۚ١٣
Waḍrib lahum maṡalan aṣḥābal-qaryah(ti), iż jā'ahal-mursalūn(a).
[13]
Pék geura nyieun paupamaan keur maranéhna (kaom kapir Mekah), nyaéta pengeusi hiji nagri, waktu para utusan datang ka maranéhna.
اِذْ اَرْسَلْنَآ اِلَيْهِمُ اثْنَيْنِ فَكَذَّبُوْهُمَا فَعَزَّزْنَا بِثَالِثٍ فَقَالُوْٓا اِنَّآ اِلَيْكُمْ مُّرْسَلُوْنَ١٤
Iż arsalnā ilaihimuṡnaini fa każżabūhumā fa ‘azzaznā biṡāliṡin faqālū innā ilaikum mursalūn(a).
[14]
(Nyaéta) waktu Kami ngirimkeun ka maranéhna dua utusan, tuluy maranéhna ngabohongkeun ka éta (dua utusan), tuluy Kami nguatkeun ku (utusan) nu katilu, mangka tilu utusan téh nyarita, “Sabenerna kuring saréréa téh jalma-jalma nu diutus ka aranjeun.”
قَالُوْا مَآ اَنْتُمْ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُنَاۙ وَمَآ اَنْزَلَ الرَّحْمٰنُ مِنْ شَيْءٍۙ اِنْ اَنْتُمْ اِلَّا تَكْذِبُوْنَ١٥
Qālū mā antum illā basyarum miṡlunā, wa mā anzalar-raḥmānu min syai'(in), in antum illā takżibūn(a).
[15]
Maranéhna (pangeusi nagri) ngajawab, “Maranéh téh ngan manusa biasa saperti kuring saréréa, jeung (Allah) Nu Mahaasih teu (kungsi) nurunkeun nanaon. Maranéh téh ngan ngabohong wungkul.”
قَالُوْا رَبُّنَا يَعْلَمُ اِنَّآ اِلَيْكُمْ لَمُرْسَلُوْنَ١٦
Qālū rabbunā ya‘lamu innā ilaikum lamursalūn(a).
[16]
Aranjeunna (para utusan) nyarita, “Pangéran kuring saréréa uningaeun yén saenyana kuring saréréa téh jalma-jalma nu diutus ka aranjeun.
وَمَا عَلَيْنَآ اِلَّا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ١٧
Wa mā ‘alainā illal-balāgul-mubīn(u).
[17]
Kawajiban kuring saréréa mah taya lian ngan sakadar mangnepikeun (paréntah Allah) anu jéntré.
قَالُوْٓا اِنَّا تَطَيَّرْنَا بِكُمْۚ لَىِٕنْ لَّمْ تَنْتَهُوْا لَنَرْجُمَنَّكُمْ وَلَيَمَسَّنَّكُمْ مِّنَّا عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٨
Qālū innā taṭayyarnā bikum, la'il lam tantahū lanarjumannakum wa layamassannakum minnā ‘ażābun alīm(un).
[18]
Maranéhna ngajawab, “Sabenerna kuring saréréa boga nasib sial ku (ayana) maranéh. Lamun maranéh henteu eureun (tina ngajak-ngajak ka kuring saréréa), tangtu kuring saréréa bener-bener bakal ngarajam maranéh jeung bener-bener bakal ngarasakeun siksaan nu pohara nyerina ti kuring saréréa.”
قَالُوْا طَاۤىِٕرُكُمْ مَّعَكُمْۗ اَىِٕنْ ذُكِّرْتُمْۗ بَلْ اَنْتُمْ قَوْمٌ مُّسْرِفُوْنَ١٩
Qālū ṭā'irukum ma‘akum, a'in żukkirtum, bal antum qaumum musrifūn(a).
[19]
Aranjeunna nyarios, “Sialna aranjeun téh ku lantaran polah aranjeun sorangan. Naha pédah aranjeun dibéré pépéling ku kuring saréréa kitu? Saenyana mah aranjeun téh kaom nu ngaliwatan wates.”
وَجَاۤءَ مِنْ اَقْصَا الْمَدِيْنَةِ رَجُلٌ يَّسْعٰى قَالَ يٰقَوْمِ اتَّبِعُوا الْمُرْسَلِيْنَۙ٢٠
Wa jā'a min aqṣal-madīnati rajuluy yas‘ā qāla yā qaumittabi‘ul-mursalīn(a).
[20]
Jol baé datang ti tungtung dayeuh hiji lalaki 755 kalayan rurusuhan. Manéhna nyarita. “Yeuh kaom kuring, geura nurut ka éta para utusan!
755) Numutkeun para ahli tapsir, éta lalaki téh ngaranna Habib an-Najjar.
اتَّبِعُوْا مَنْ لَّا يَسْـَٔلُكُمْ اَجْرًا وَّهُمْ مُّهْتَدُوْنَ ۔٢١
Ittabi‘ū mal lā yas'alukum ajraw wa hum muhtadūn(a).
[21]
Geura nurut ka jalma anu henteu ménta buruh ka aranjeun, sedengkeun aranjeunna téh jalma-jalma nu meunang pituduh!
وَمَا لِيَ لَآ اَعْبُدُ الَّذِيْ فَطَرَنِيْ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٢٢
Wa mā liya lā a‘budul-lażī faṭaranī wa ilaihi turja‘ūn(a).
[22]
Naon (alesan) pikeun kuring henteu nyembah (Allah) nu geus nyiptakeun kuring jeung ngan ka Mantenna wungkul aranjeun bakal dipulangkeun?
ءَاَتَّخِذُ مِنْ دُوْنِهٖٓ اٰلِهَةً اِنْ يُّرِدْنِ الرَّحْمٰنُ بِضُرٍّ لَّا تُغْنِ عَنِّيْ شَفَاعَتُهُمْ شَيْـًٔا وَّلَا يُنْقِذُوْنِۚ٢٣
A'attakhiżu min dūnihī ālihatan iy yuridnir-raḥmānu biḍurril lā tugni ‘annī syafā‘atuhum syai'aw wa lā yunqiżūn(i).
[23]
Naha kuring maké (kudu) nyembah ka sesembahan-sesembahan salian ti Mantenna? Lamun seug (Allah) Nu Mahawelas ngersakeun nibankeun balai ka kuring, pasti sapa’at maranéhna téh moal aya mangpaatna sama sakali keur kuring sanajan saeutik ogé, jeung maranéhna (ogé) moal bisa nyalametkeun kuring.
اِنِّيْٓ اِذًا لَّفِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٢٤
Innī iżal lafī ḍalālim mubīn(in).
[24]
Sabenerna kuring upama kitu (nyembah ka salian ti Mantenna), tangtu aya dina kasasar lampah anu nyata.
اِنِّيْٓ اٰمَنْتُ بِرَبِّكُمْ فَاسْمَعُوْنِۗ٢٥
Innī āmantu birabbikum fasma‘ūn(i).
[25]
Sabenerna kuring geus iman ka Pangéran aranjeun. Ku kituna, pék geura kupingkeun (pangakuan kaimanan) kuring.”
قِيْلَ ادْخُلِ الْجَنَّةَ ۗقَالَ يٰلَيْتَ قَوْمِيْ يَعْلَمُوْنَۙ٢٦
Qīladkhulil-jannah(ta), qāla yā laita qaumī ya‘lamūn(a).
[26]
Diucapkeun (ka manéhna), “Geura asup anjeun ka sawarga!” 756 Manéhna (éta lalaki) nyarita, “Tada teuing alusna lamun kaom kuring nyahoeun,
756) Numutkeun hiji riwayat, éta lalaki téh ditelasan ku kaomna sanggeus cacariosan ngeunaan naséhat, saperti diunggel dina ayat 20-25. Waktu anjeunna rék maot, Malaikat lungsur masihan wartos yén kersaning Allah dosa-dosana dihapunten sareng anjeunna bakal lebet sawarga.
بِمَا غَفَرَ لِيْ رَبِّيْ وَجَعَلَنِيْ مِنَ الْمُكْرَمِيْنَ٢٧
Bimā gafaralī rabbī wa ja‘alanī minal-mukramīn(a).
[27]
(kumaha Allah) Pangéran kuring masihan pangampura ka kuring jeung ngajadikeun kuring kaasup jalma-jalma nu dimulyakeun.”
۞ وَمَآ اَنْزَلْنَا عَلٰى قَوْمِهٖ مِنْۢ بَعْدِهٖ مِنْ جُنْدٍ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَمَا كُنَّا مُنْزِلِيْنَ٢٨
Wa mā anzalnā ‘alā qaumihī mim ba‘dihī min jundim minas-samā'i wa mā kunnā munzilīn(a).
[28]
Sanggeus manéhna (ditelasan), Kami henteu nurunkeun wadyabalad ti langit ka kaomna, jeung sama sakali Kami teu perlu nurunkeunana.
اِنْ كَانَتْ اِلَّا صَيْحَةً وَّاحِدَةً فَاِذَا هُمْ خٰمِدُوْنَ٢٩
In kānat illā ṣaiḥataw wāḥidatan fa'iżā hum khāmidūn(a).
[29]
(Siksa keur maranéhna) éta cukup kalayan sakali nyentak wungkul, mangka harita kénéh pisan maranéhna paraéh.
يٰحَسْرَةً عَلَى الْعِبَادِۚ مَا يَأْتِيْهِمْ مِّنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٣٠
Yā ḥasratan ‘alal-‘ibād(i), mā ya'tīhim mir rasūlin illā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[30]
Kacida pisan gedéna kahanjelu hamba-hamba (nu ngageuhgeuykeun rasul). Teu pati-pati datang ka maranéhna hiji rasul, kajaba maranéhna sok ngageuhgeuykeun.
اَلَمْ يَرَوْا كَمْ اَهْلَكْنَا قَبْلَهُمْ مِّنَ الْقُرُوْنِ اَنَّهُمْ اِلَيْهِمْ لَا يَرْجِعُوْنَ٣١
Alam yarau kam ahlaknā qablahum minal-qurūni annahum ilaihim lā yarji‘ūn(a).
[31]
Naha maranéh henteu niténan yén kacida lobana umat saméméh maranéhna anu geus dibinasakeun ku Kami? Sabenerna jalma-jalma (nu geus dibinasakeun téh) geuning teu balik deui ka maranéhna (di dunya).
وَاِنْ كُلٌّ لَّمَّا جَمِيْعٌ لَّدَيْنَا مُحْضَرُوْنَ ࣖ٣٢
Wa in kullul lammā jamī‘ul ladainā muḥḍarūn(a).
[32]
Teu aya hiji (umat) ogé kajaba sakabéhna pasti bakal dijagragkeun ka Kami (pikeun dihisab).
وَاٰيَةٌ لَّهُمُ الْاَرْضُ الْمَيْتَةُ ۖاَحْيَيْنٰهَا وَاَخْرَجْنَا مِنْهَا حَبًّا فَمِنْهُ يَأْكُلُوْنَ٣٣
Wa āyatul lahumul-arḍul-maitah(tu), aḥyaināhā wa akhrajnā minhā ḥabban faminhu ya'kulūn(a).
[33]
Tanda (kakawasaan Allah) pikeun maranéhna téh nyaéta taneuh nu paéh (angar), tuluy Kami nyuburkeun éta taneuh jeung ngaluarkeun tina éta taneuh sisikian, tuluy tina éta (sisikian) maranéhna dahar.
وَجَعَلْنَا فِيْهَا جَنّٰتٍ مِّنْ نَّخِيْلٍ وَّاَعْنَابٍ وَّفَجَّرْنَا فِيْهَا مِنَ الْعُيُوْنِۙ٣٤
Wa ja‘alnā fīhā jannātim min nakhīliw wa a‘nābiw wa fajjarnā fīhā minal-‘uyūn(i).
[34]
Kami (ogé) ngajadikeun dina éta (taneuh) kebon-kebon korma jeung anggur, tur Kami mancerkeun mangpirang-pirang cinyusu,
لِيَأْكُلُوْا مِنْ ثَمَرِهٖۙ وَمَا عَمِلَتْهُ اَيْدِيْهِمْ ۗ اَفَلَا يَشْكُرُوْنَ٣٥
Liya'kulū min ṡamarihī wa mā ‘amilathu aidīhim, afalā yasykurūn(a).
[35]
sangkan maranéhna bisa ngadahar tina sabagian bubuahan jeung tina sagala rupa nu dihasilkeun ku leungeun-leungeunna sorangan. Naha maranéhna téh bet teu sukuran?
سُبْحٰنَ الَّذِيْ خَلَقَ الْاَزْوَاجَ كُلَّهَا مِمَّا تُنْۢبِتُ الْاَرْضُ وَمِنْ اَنْفُسِهِمْ وَمِمَّا لَا يَعْلَمُوْنَ٣٦
Subḥānal-lażī khalaqal-azwāja kullahā mimmā tumbitul-arḍu wa min anfusihim wa mimmā lā ya‘lamūn(a).
[36]
Mahasuci (Allah) nu geus nyiptakeun sagala rupa perkara papasangan, boh rupa-rupa anu dituwuhkeun di bumi, atawa ti diri manéhna sorangan, jeung tina rupa-rupa nu can dipikanyaho ku maranéhna.
وَاٰيَةٌ لَّهُمُ الَّيْلُ ۖنَسْلَخُ مِنْهُ النَّهَارَ فَاِذَا هُمْ مُّظْلِمُوْنَۙ٣٧
Wa āyatul lahumul-lailu naslakhu minhun-nahāra fa'iżā hum muẓlimūn(a).
[37]
Tanda (kakawasaan Allah) pikeun maranéhna téh nyaéta wanci peuting. Kami ngagantikeun beurang kana peuting, atuh reup baé maranéhna (aya dina kaayaan) poék.
وَالشَّمْسُ تَجْرِيْ لِمُسْتَقَرٍّ لَّهَا ۗذٰلِكَ تَقْدِيْرُ الْعَزِيْزِ الْعَلِيْمِۗ٣٨
Wasy-syamsu tajrī limustaqarril lahā, żālika taqdīrul-‘azīzil-‘alīm(i).
[38]
(Tanda kakawasaan Allah ogé pikeun maranéhna nyaéta) panonpoé muter dina tempatna (gurat muterna). Anu kitu téh mangrupakeun katetepan (Allah) Nu Mahagagah (tur) Nu Mahauninga.
وَالْقَمَرَ قَدَّرْنٰهُ مَنَازِلَ حَتّٰى عَادَ كَالْعُرْجُوْنِ الْقَدِيْمِ٣٩
Wal-qamara qaddarnāhu manāzila ḥattā ‘āda kal-‘urjūnil-qadīm(i).
[39]
(Kitu deui) geus ditetepkeun ku Kami tempat-tempat muterna bulan, nepi ka (di mana éta bulan geus tepi kana puteran pangahirna), éta bulan téh balik deui (nepi ka bentukna) lir ibarat kembang kawung nu kolot.
لَا الشَّمْسُ يَنْۢبَغِيْ لَهَآ اَنْ تُدْرِكَ الْقَمَرَ وَلَا الَّيْلُ سَابِقُ النَّهَارِ ۗوَكُلٌّ فِيْ فَلَكٍ يَّسْبَحُوْنَ٤٠
Lasy-syamsu yambagī lahā an tudrikal-qamara wa lal-lailu sābiqun-nahār(i), wa kullun fī falakiy yasbaḥūn(a).
[40]
Mustahil panonpoé miheulaan bulan, jeung mustahil peuting miheulaan beurang, karana masing-masing ogé lumampah dina tempatna (gurat muterna).
وَاٰيَةٌ لَّهُمْ اَنَّا حَمَلْنَا ذُرِّيَّتَهُمْ فِى الْفُلْكِ الْمَشْحُوْنِۙ٤١
Wa āyatul lahum annā ḥamalnā żurriyyatahum fil-fulkil-masyḥūn(i).
[41]
Salah sahiji tanda (kakawasaan Allah) pikeun maranéh nyaéta Kami ngakut katurunan maranéhna ku parahu nu pinuh ku babawaan.
وَخَلَقْنَا لَهُمْ مِّنْ مِّثْلِهٖ مَا يَرْكَبُوْنَ٤٢
Wa khalaqnā lahum mim miṡlihī mā yarkabūn(a).
[42]
Kami geus nyiptakeun (ogé) pikeun maranéhna (tutumpakan nu séjén) anu ku maranéhna bisa ditumpakkan.
وَاِنْ نَّشَأْ نُغْرِقْهُمْ فَلَا صَرِيْخَ لَهُمْ وَلَاهُمْ يُنْقَذُوْنَۙ٤٣
Wa in nasya' nugriqhum falā ṣarīkha lahum wa lā hum yunqażūn(a).
[43]
Padahal lamun ngersakeun, tangtu Kami bakal ngéremkeun maranéhna sarta moal aya nu nulungan ka maranéhna, jeung maranéhna (ogé) moal bisa disalametkeun,
اِلَّا رَحْمَةً مِّنَّا وَمَتَاعًا اِلٰى حِيْنٍ٤٤
Illā raḥmatam minnā wa matā‘an ilā ḥīn(in).
[44]
kajaba (Kami nu nyalametkeun maranéhna) ku sabab rahmat nu gedé ti Kami jeung pikeun méré kasenangan hirup nepi ka hiji mangsa.
وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ اتَّقُوْا مَا بَيْنَ اَيْدِيْكُمْ وَمَا خَلْفَكُمْ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ٤٥
Wa iżā qīla lahumuttaqū mā baina aidīkum wa mā khalfakum la‘allakum turḥamūn(a).
[45]
Upama dicaritakeun ka maranéhna, “Kudu sieun ku siksa nu aya di hareupeun maranéh (di dunya) jeung di satukangeun maranéh (di ahérat) sangkan maranéh dibéré rahmat,” (mangka maranéhna ngabalieur).
وَمَا تَأْتِيْهِمْ مِّنْ اٰيَةٍ مِّنْ اٰيٰتِ رَبِّهِمْ اِلَّا كَانُوْا عَنْهَا مُعْرِضِيْنَ٤٦
Wa mā ta'tīhim min āyatim min āyāti rabbihim illā kānū ‘anhā mu‘riḍīn(a).
[46]
Taya hiji ogé tanda-tanda (kaagungan) Allah nu datang ka maranéhna, kajaba maranéhna ngabalieur tina éta (tanda).
وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ اَنْفِقُوْا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ ۙقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنُطْعِمُ مَنْ لَّوْ يَشَاۤءُ اللّٰهُ اَطْعَمَهٗٓ ۖاِنْ اَنْتُمْ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٤٧
Wa iżā qīla lahum anfiqū mimmā razaqakumullāh(u), qālal-lażīna kafarū lil-lażīna āmanū anuṭ‘imu mal lau yasyā'ullāhu aṭ‘amah(ū), in antum illā fī ḍalālim mubīn(in).
[47]
Lamun maranéhna diomongan, “Sok inpakkeun rejeki nu geus dikurniakeun ku Allah ka maranéh,” nya jalma-jalma kapir nyarita ka jalma-jalma mu’min, “Naha (pantes) kuring saréréa méré kadaharan ka jalma nu lamun Allah ngersakeun, tangtu Allah bakal méré dahar? Maranéh téh bener-bener aya dina kasasaran anu nyata.”
وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٤٨
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[48]
Maranéhna (jalma-jalma kapir) nyarita, “Iraha (tumibana) jangji (poé dihudangkeun tina kubur) upama maranéh jalma-jalma nu bener?”
مَا يَنْظُرُوْنَ اِلَّا صَيْحَةً وَّاحِدَةً تَأْخُذُهُمْ وَهُمْ يَخِصِّمُوْنَ٤٩
Mā yanẓurūna illā ṣaiḥataw wāḥidatan ta'khużuhum wa hum yakhiṣṣimūn(a).
[49]
Maranéhna ngan ngadago-dago hiji sora sentakan 757 anu kacida tarikna nu bakal ngabinasakeunana waktu maranéhna (sibuk) paséa (ngeunaan urusan dunya).
757) Sora tiupan sangkakala nu kahiji anu ngancurkeun ieu alam dunya.
فَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ تَوْصِيَةً وَّلَآ اِلٰٓى اَهْلِهِمْ يَرْجِعُوْنَ ࣖ٥٠
Falā yastaṭī‘ūna tauṣiyataw wa lā ilā ahlihim yarji‘ūn(a).
[50]
Ku sabab kitu, maranéhna henteu kaburu nyieun wasiat jeung teu bisa mulang ka kulawargana.
وَنُفِخَ فِى الصُّوْرِ فَاِذَا هُمْ مِّنَ الْاَجْدَاثِ اِلٰى رَبِّهِمْ يَنْسِلُوْنَ٥١
Wa nufikha fiṣ-ṣūri fa'iżā hum minal-ajdāṡi ilā rabbihim yansilūn(a).
[51]
Sanggeus kitu), sangkakala ditiup, 758 nya harita kénéh maranéhna gagancangan ti kuburanana ngadeuheus ka Pangéranana.
758) Tiupan sangkakala kedua ngahudangkeun jalma-jalma di jero kubur.
قَالُوْا يٰوَيْلَنَا مَنْۢ بَعَثَنَا مِنْ مَّرْقَدِنَا ۜهٰذَا مَا وَعَدَ الرَّحْمٰنُ وَصَدَقَ الْمُرْسَلُوْنَ٥٢
Qālū yā wailanā mam ba‘aṡanā mim marqadinā…hāżā mā wa‘adar-raḥmānu wa ṣadaqal-mursalūn(a).
[52]
Maranéhna ngomong, “Duh cilaka kuring saréréa! Saha anu geus ngahudangkeun kuring saréréa tina pangsaréan (kubur)?” (Tuluy dicaritakeun ka maranéhna,) “Ieu nu dijangjikeun ku (Allah) Nu Mahawelas jeung tétéla bener pisan (ajaran) para rasul-Na téh.”
اِنْ كَانَتْ اِلَّا صَيْحَةً وَّاحِدَةً فَاِذَا هُمْ جَمِيْعٌ لَّدَيْنَا مُحْضَرُوْنَ٥٣
In kānat illā ṣaiḥataw wāḥidatan fa'iżā hum jamī‘ul ladainā muḥḍarūn(a).
[53]
Éta sentakan ngan sakali wungkul, nya harita kenéh maranéhna dikumpulkeun di hareupeun Kami (pikeun dihisab).
فَالْيَوْمَ لَا تُظْلَمُ نَفْسٌ شَيْـًٔا وَّلَا تُجْزَوْنَ اِلَّا مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٥٤
Fal-yauma lā tuẓlamu nafsun syai'aw wa lā tujzauna illā mā kuntum ta‘malūn(a).
[54]
Dina éta poé henteu aya nu dikaniaya (dirugikeun) saeutik ogé. Aranjeun moal diwales iwal ti (luyu) jeung laku lampah nu dipigawé ku aranjeun
اِنَّ اَصْحٰبَ الْجَنَّةِ الْيَوْمَ فِيْ شُغُلٍ فٰكِهُوْنَ ۚ٥٥
Inna aṣḥābal-jannatil-yauma fī syugulin fākihūn(a).
[55]
Sabenerna para pangeusi sawarga dina éta poé téh dina kasibukan (nepi ka teu sempet mikiran pangeusi naraka) jeung dina kaayaan suka bungah
هُمْ وَاَزْوَاجُهُمْ فِيْ ظِلٰلٍ عَلَى الْاَرَاۤىِٕكِ مُتَّكِـُٔوْنَ ۚ٥٦
Hum wa azwājuhum fī ẓilālin ‘alal-arā'iki muttaki'ūn(a).
[56]
Aranjeunna jeung pasangan-pasanganana aya dina tempat anu iuh bari gogoléran di luhur dipan nu aya kulambuan.
لَهُمْ فِيْهَا فَاكِهَةٌ وَّلَهُمْ مَّا يَدَّعُوْنَ ۚ٥٧
Lahum fīhā fākihatuw wa lahum mā yadda‘ūn(a).
[57]
Di éta (sawarga) aranjeunna meunang buah-buahan tur meunang naon baé anu dipikahayang.
سَلٰمٌۗ قَوْلًا مِّنْ رَّبٍّ رَّحِيْمٍ٥٨
Salāmun qaulam mir rabbir raḥīm(in).
[58]
(Ka aranjeunna diucapkeun), “Salam” minangka ucapan pangbagéa ti Pangéran Nu Mahaasih.
وَامْتَازُوا الْيَوْمَ اَيُّهَا الْمُجْرِمُوْنَ٥٩
Wamtāzul-yauma ayyuhal-mujrimūn(a).
[59]
(Diucapkeun pikeun jalma-jalma kapir), “Geura misah maranéh dina poé ieu pisan (ti jalma-jalma mu’min), hé jalma-jalma nu boga dosa!
۞ اَلَمْ اَعْهَدْ اِلَيْكُمْ يٰبَنِيْٓ اٰدَمَ اَنْ لَّا تَعْبُدُوا الشَّيْطٰنَۚ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ٦٠
Alam a‘had ilaikum yā banī ādama allā ta‘budusy-syaiṭān(a), innahū lakum ‘aduwwum mubīn(un).
[60]
Naha lain Kami geus kungsi maréntahkeun ka maranéh, hé anak incu Adam, supaya ulah nyembah sétan?
وَاَنِ اعْبُدُوْنِيْ ۗهٰذَا صِرَاطٌ مُّسْتَقِيْمٌ٦١
Wa ani‘budūnī, hāżā ṣirāṭum mustaqīm(un).
[61]
Supaya maranéh nyembah (ibadah) ka Kami. Ieu téh jalan nu lempeng.”
وَلَقَدْ اَضَلَّ مِنْكُمْ جِبِلًّا كَثِيْرًا ۗاَفَلَمْ تَكُوْنُوْا تَعْقِلُوْنَ٦٢
Wa laqad aḍalla minkum jibillan kaṡīrā(n), afalam takūnū ta‘qilūn(a).
[62]
Saenyana (sétan téh) geus nyasarkeun lolobana jalma ti antara maranéh. Naha maranéh teu ngagunakeun akal?
هٰذِهٖ جَهَنَّمُ الَّتِيْ كُنْتُمْ تُوْعَدُوْنَ٦٣
Hāżihī jahannamul-latī kuntum tū‘adūn(a).
[63]
Nya ieu téh (naraka) Jahanam anu (baheula) geus diancamkeun ka maranéh.
اِصْلَوْهَا الْيَوْمَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْفُرُوْنَ٦٤
Iṣlauhal-yauma bimā kuntum takfurūn(a).
[64]
Geura asup maranéh ka jero dinya poé ieu pisan, ku sabab maranéh baréto geus ingkar!
اَلْيَوْمَ نَخْتِمُ عَلٰٓى اَفْوَاهِهِمْ وَتُكَلِّمُنَآ اَيْدِيْهِمْ وَتَشْهَدُ اَرْجُلُهُمْ بِمَا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَ٦٥
Al-yauma nakhtimu ‘alā afwāhihim wa tukallimunā aidīhim wa tasyhadu arjuluhum bimā kānū yaksibūn(a).
[65]
Dina poé ieu Kami ngonci (ngabekem) sungut maranéhna, bari leungeunna mah bakal nyarita ka Kami, jeung sukuna bakal jadi saksi pikeun rupa-rupa nu ku maranéhna geus dipilampah.
وَلَوْ نَشَاۤءُ لَطَمَسْنَا عَلٰٓى اَعْيُنِهِمْ فَاسْتَبَقُوا الصِّرَاطَ فَاَنّٰى يُبْصِرُوْنَ٦٦
Wa lau nasyā'u laṭamasnā ‘alā a‘yunihim fastabaquṣ-ṣirāṭa fa annā yubṣirūn(a).
[66]
Upama ngersakeun, tangtu Kami ngaleungitkeun panénjo maranéhna, tuluy maranéhna paheula-heula (néangan) jalan, naha mungkin maranéhna bisa nempo jalan?
وَلَوْ نَشَاۤءُ لَمَسَخْنٰهُمْ عَلٰى مَكَانَتِهِمْ فَمَا اسْتَطَاعُوْا مُضِيًّا وَّلَا يَرْجِعُوْنَ ࣖ٦٧
Wa lau nasyā'u lamasakhnāhum ‘alā makānatihim famastaṭā‘ū muḍiyyaw wa lā yarji‘ūn(a).
[67]
Upama ngersakeun, tangtu Kami ngarobah waruga maranéhna di tempat-tempatna maranéhna tumetep nepi ka maranéhna henteu bisaeun leumpang jeung teu bisaeun balik deui.
وَمَنْ نُّعَمِّرْهُ نُنَكِّسْهُ فِى الْخَلْقِۗ اَفَلَا يَعْقِلُوْنَ٦٨
Wa man nu‘ammirhu nunakkishu fil-khalq(i), afalā ya‘qilūn(a).
[68]
Saha baé jalma anu ku Kami dipanjangkeun umurna, tangtu manéhna ku Kami dibalikkeun deui saperti asal kajadianana. 759 Mangka, naha maranéhna téh teu ngagunakeun akal?
759) Balik deui ka asal, lemah jeung kurang akal, sarua jeung budak leutik.
وَمَا عَلَّمْنٰهُ الشِّعْرَ وَمَا يَنْۢبَغِيْ لَهٗ ۗاِنْ هُوَ اِلَّا ذِكْرٌ وَّقُرْاٰنٌ مُّبِيْنٌ ۙ٦٩
Wa mā ‘allamnāhusy-syi‘ra wa mā yambagī lah(ū), in huwa illā żikruw wa qur'ānum mubīn(un).
[69]
Kami henteu ngajarkeun sa’ir ka anjeunna (Muhammad), jeung sa’ir teu pantes pikeun anjeunna. Al-Qur’an téh taya lian iwal ti pépéling jeung bacaan anu kacida jéntréna,
لِّيُنْذِرَ مَنْ كَانَ حَيًّا وَّيَحِقَّ الْقَوْلُ عَلَى الْكٰفِرِيْنَ٧٠
Liyunżira man kāna ḥayyaw wa yaḥiqqal-qaulu ‘alal-kāfirīn(a).
[70]
sangkan anjeunna (Muhammad) méré pépéling ka jalma-jalma nu hirup (haténa) jeung sangkan mastikeun katetapan (siksa) pikeun jalma-jalma kapir.
اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّا خَلَقْنَا لَهُمْ مِّمَّا عَمِلَتْ اَيْدِيْنَآ اَنْعَامًا فَهُمْ لَهَا مٰلِكُوْنَ٧١
Awalam yarau annā khalaqnā lahum mimmā ‘amilat aidīnā an‘āman fahum lahā mālikūn(a).
[71]
Naha maranéhna henteu niténan yén senyana Kami geus nyiptakeun ingon-ingon pikeun maranéhna, nyaéta sabagian tina rupa-rupa nu Kami geus diciptakeun ku kakawasaan Kami sorangan, tuluy ku maranéhna dipibanda?
وَذَلَّلْنٰهَا لَهُمْ فَمِنْهَا رَكُوْبُهُمْ وَمِنْهَا يَأْكُلُوْنَ٧٢
Wa żallalnāhā lahum fa minhā rakūbuhum wa minhā ya'kulūn(a).
[72]
Kami meruhkeun éta (ingon-ingon) pikeun maranéhna. Sawaréhna keur tutumpakanana jeung sawaréhna deui keur kadahareunana.
وَلَهُمْ فِيْهَا مَنَافِعُ وَمَشَارِبُۗ اَفَلَا يَشْكُرُوْنَ٧٣
Wa lahum fīhā manāfi‘u wa masyārib(u), afalā yasykurūn(a).
[73]
Tina éta ingon-ingon téh maranéhna meunang rupa-rupa mangpa’at jeung inum-inuman. Tapi naha maranéhna teu sukuran?
وَاتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اٰلِهَةً لَّعَلَّهُمْ يُنْصَرُوْنَ ۗ٧٤
Wattakhażū min dūnillāhi ālihatal la‘allahum yunṣarūn(a).
[74]
Maranéhna ngajadikeun sesembahan salian ti Allah sangkan maranéhna ditulungan
لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ نَصْرَهُمْۙ وَهُمْ لَهُمْ جُنْدٌ مُّحْضَرُوْنَ٧٥
Lā yastaṭī‘ūna naṣrahum, wa hum lahum jundum muḥḍarūn(a).
[75]
Éta (sesembahan) téh moal bisaeun nulungan ka maranéhna.
فَلَا يَحْزُنْكَ قَوْلُهُمْ ۘاِنَّا نَعْلَمُ مَا يُسِرُّوْنَ وَمَا يُعْلِنُوْنَ٧٦
Falā yaḥzunka qauluhum, innā na‘lamu mā yusirrūna wa mā yu‘linūn(a).
[76]
Ku kituna, omat hidep (Muhammad) ulah rék nalangsa ku omongan maranéhna. Sabenerna Kami nyaho kana rupa-rupa anu disumput-sumput jeung anu ditembrakkeun ku maranéhna.
اَوَلَمْ يَرَ الْاِنْسَانُ اَنَّا خَلَقْنٰهُ مِنْ نُّطْفَةٍ فَاِذَا هُوَ خَصِيْمٌ مُّبِيْنٌ٧٧
Awalam yaral-insānu annā khalaqnāhu min nuṭfatin fa'iżā huwa khaṣīmum mubīn(un).
[77]
Naha manusa téh teu niténan yén sabenerna Kami geus nyiptakeun manéhna tina cimani, tapi maranéhna kalah jadi musuh anu nyata!
وَضَرَبَ لَنَا مَثَلًا وَّنَسِيَ خَلْقَهٗۗ قَالَ مَنْ يُّحْيِ الْعِظَامَ وَهِيَ رَمِيْمٌ٧٨
Wa ḍaraba lanā maṡalaw wa nasiya khalqah(ū), qāla may yuḥyil-‘iẓāma wa hiya ramīm(un).
[78]
Manéhna nyieun paupamaan ka Kami, bari manéhna mopohokeun kana asal kajadianana. Manéhna ngomong, “Saha anu bisa ngahirupkeun ieu tulang taléng anu geus ancur jeung remuk?”
قُلْ يُحْيِيْهَا الَّذِيْٓ اَنْشَاَهَآ اَوَّلَ مَرَّةٍ ۗوَهُوَ بِكُلِّ خَلْقٍ عَلِيْمٌ ۙ٧٩
Qul yuḥyīhal-lażī ansya'ahā awwala marrah(tin), wa huwa bikulli khalqin ‘alīm(un).
[79]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Anu bakal ngahirupkeun deui téh nyaéta Pangéran anu nyiptakeun ti mimiti pisan. Nya Mantenna Nu Mahauninga ka unggal mahluk.
ۨالَّذِيْ جَعَلَ لَكُمْ مِّنَ الشَّجَرِ الْاَخْضَرِ نَارًاۙ فَاِذَآ اَنْتُمْ مِّنْهُ تُوْقِدُوْنَ٨٠
Allażī ja‘ala lakum minasy-syajaril-akhḍari nārā(n), fa'iżā antum minhu tūqidūn(a).
[80]
(Nyaéta Pangéran) nu ngajadikeun seuneu pikeun aranjeun tina tangkal kai anu héjo, ti dinya aranjeun bisa mirun seuneu.
اَوَلَيْسَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِقٰدِرٍ عَلٰٓى اَنْ يَّخْلُقَ مِثْلَهُمْ ۗبَلٰى وَهُوَ الْخَلّٰقُ الْعَلِيْمُ٨١
Awa laisal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa biqādirin ‘alā ay yakhluqa miṡlahum, balā wa huwal-khallāqul-‘alīm(u).
[81]
Apan Mantenna nu geus nyiptakeun langit jeung bumi kawasa nyiptakeun manusa nu sarupa jeung maranéhna (jaga di ahérat)? Bener, Mantenna Mahakawasa Nyiptakeun (tur) Mahauninga.
اِنَّمَآ اَمْرُهٗٓ اِذَآ اَرَادَ شَيْـًٔاۖ اَنْ يَّقُوْلَ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ٨٢
Innamā amruhū iżā arāda syai'an ay yaqūla lahū kun fa yakūn(u).
[82]
Saleresna timbalana-Na, upama Mantenna ngersakeun hiji perkara, cekap ku ngadawuh, “Kun!” Mangka, jleg baé jadi
فَسُبْحٰنَ الَّذِيْ بِيَدِهٖ مَلَكُوْتُ كُلِّ شَيْءٍ وَّاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ ࣖ٨٣
Fa subḥānal-lażī biyadihī malakūtu kulli syai'iw wa ilaihi turja‘ūn(a).
[83]
Nya Mahasuci (Allah) anu dina panangan Mantenna wungkul ayana kakawasaan dina sagala perkara, jeung ngan ka Mantenna wungkul aranjeun bakal dipulangkeun.