Surah Fatir

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ فَاطِرِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ جَاعِلِ الْمَلٰۤىِٕكَةِ رُسُلًاۙ اُولِيْٓ اَجْنِحَةٍ مَّثْنٰى وَثُلٰثَ وَرُبٰعَۗ يَزِيْدُ فِى الْخَلْقِ مَا يَشَاۤءُۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١
Al-ḥamdu lillāhi fāṭiris-samāwāti wal-arḍi jā‘ilil-malāikati rusulā(n), ulī ajniḥatim maṡnā wa ṡulāṡa wa rubā‘(a), yazīdu fil-khalqi mā yasyā'(u), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[1] Sadaya puji kagungan Allah nu nyiptakeun langit jeung bumi jeung nu ngajadikeun malaikat minangka utusan-utusan (pikeun ngurus sagala rupa urusan) nu ngabogaan pirang-pirang jangjang. Masing-masing (aya nu) dua-dua, tilu-tilu, atawa opat-opat. Allah nambihan kana ciptaana-Na sakersaning Mantenna. Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

مَا يَفْتَحِ اللّٰهُ لِلنَّاسِ مِنْ رَّحْمَةٍ فَلَا مُمْسِكَ لَهَا ۚوَمَا يُمْسِكْۙ فَلَا مُرْسِلَ لَهٗ مِنْۢ بَعْدِهٖۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٢
Mā yaftaḥillāhu lin-nāsi mir raḥmatin falā mumsika lahā, wa mā yumsik falā mursila lahū mim ba‘dih(ī), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[2] Naon baé nu dikurniakeun ku Allah ka manusa mangrupa rahmat, mangka moal aya saurang ogé nu bisa nahanna. Naon baé nu ditahan ku Mantenna, mangka moal aya saurang ogé nu bisa ngaleupaskeunana sanggeus éta. Da Mantenna mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اذْكُرُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْۗ هَلْ مِنْ خَالِقٍ غَيْرُ اللّٰهِ يَرْزُقُكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۖ فَاَنّٰى تُؤْفَكُوْنَ٣
Yā ayyuhan-nāsużkurū ni‘matallāhi ‘alaikum, hal min khāliqin gairullāhi yarzuqukum minas-samā'i wal-arḍ(i), lā ilāha illā huw(a), fa'annā tu'fakūn(a).
[3] Hé manusa, kudu inget kana ni’mat Allah nu dikurniakeun ka maranéh. Naha aya deui anu nyiptakeun salian ti Allah nu bisa méré rejeki ka maranéh ti langit jeung ti bumi? Teu aya deui Pangéran lian ti Allah. Tuluy, kunaon atuh maranéh téh bet ngabalieur (tina kataohidan)?

وَاِنْ يُّكَذِّبُوْكَ فَقَدْ كُذِّبَتْ رُسُلٌ مِّنْ قَبْلِكَۗ وَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ٤
Wa iy yukażżibūka faqad kużżibat rusulum min qablik(a), wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[4] Saupama maranéhna ngabohongkeun ka hidep, mangka sebenerna para rasul saméméh hidep ogé apanan geus dibohongkeun. Mung ka Allah sakabéh urusan dipulangkeun.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ فَلَا تَغُرَّنَّكُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَاۗ وَلَا يَغُرَّنَّكُمْ بِاللّٰهِ الْغَرُوْرُ٥
Yā ayyuhan-nāsu inna wa‘dallāhi ḥaqqun falā tagurrannakumul-ḥayātud-dun-yā, wa lā yagurrannakum billāhil-garūr(u).
[5] Hé manusa, sabenerna jangji Allah téh bener. Ku kituna, kadé kahirupan dunya ulah nipu ka maranéh, jeung kadé (sétan) nu pinter nipu merdayakeun maranéh ngeunaan Allah.

اِنَّ الشَّيْطٰنَ لَكُمْ عَدُوٌّ فَاتَّخِذُوْهُ عَدُوًّاۗ اِنَّمَا يَدْعُوْا حِزْبَهٗ لِيَكُوْنُوْا مِنْ اَصْحٰبِ السَّعِيْرِۗ٦
Innasy-syaiṭāna lakum ‘aduwwun fattakhiżūhu ‘aduwwā(n), innamā yad‘ū ḥizbahū liyakūnū min aṣḥābis-sa‘īr(i).
[6] Sabenerna sétan téh musuh pikeun aranjeun. Ku kituna, jadikeun sétan téh minangka musuh aranjeun. Lantaran sétan téh salawasna ngangajak (maranéh) kana golonganana sangkan (babarengan jeung) maranéhna jadi pangeusi naraka nu ngabebela.

اَلَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ ەۗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّاَجْرٌ كَبِيْرٌ ࣖ٧
Allażīna kafarū lahum ‘ażābun syadīd(un), wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum magfiratuw wa ajrun kabīr(un).
[7] Jalma-jalma kapir bakal meunang siksaan nu pohara rongkahna, sedengkeun jalma-jalma nu iman tur milampah amal soléh bakal meunang ganjaran anu gedé.

اَفَمَنْ زُيِّنَ لَهٗ سُوْۤءُ عَمَلِهٖ فَرَاٰهُ حَسَنًاۗ فَاِنَّ اللّٰهَ يُضِلُّ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُۖ فَلَا تَذْهَبْ نَفْسُكَ عَلَيْهِمْ حَسَرٰتٍۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ ۢبِمَا يَصْنَعُوْنَ٨
Afaman zuyyina lahū sū'u ‘amalihī fara'āhu ḥasanā(n), fa'innallāha yuḍillu may yasyā'u wa yahdī may yasyā'(u), falā tażhab nafsuka ‘alaihim ḥasarāt(in), innallāha ‘alīmum bimā yaṣna‘ūn(a).
[8] Ku kituna, naha pantes jalma anu mandang hadé kana pagawéan nu goréng, tuluy manéhna nganggap yén pagawéanana téh hadé? Nya Allah nyasarkeun jeung méré pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Ku kituna, omat hidep (Muhammad) ulah nepi ka ruksak alatan mikasedih maranéhna. Saleresna Allah Mahauninga kana sagala rupa nu dipilimpah ku maranéhna.

وَاللّٰهُ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ الرِّيٰحَ فَتُثِيْرُ سَحَابًا فَسُقْنٰهُ اِلٰى بَلَدٍ مَّيِّتٍ فَاَحْيَيْنَا بِهِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَاۗ كَذٰلِكَ النُّشُوْرُ٩
Wallāhul-lażī arsalar-riyāḥa fatuṡīru saḥāban fasuqnāhu ilā baladim mayyitin fa'aḥyainā bihil-arḍa ba‘da mautihā, każālikan-nusyūr(u).
[9] Nya Allah anu ngirimkeun mangrupa-rupa angin, tuluy éta (angin) téh ngagerakkeun méga. (Saterusna,) Kami ngagiring éta (angin) ka hiji nagari anu geus paéh (angar), tuluy ku cihujan Kami ngahirupkeun éta bumi sanggeusna paéh (angar). Tah (jiga) kitu pisan carana ngahudangkeun deui (manusa) tina kubur téh.

مَنْ كَانَ يُرِيْدُ الْعِزَّةَ فَلِلّٰهِ الْعِزَّةُ جَمِيْعًاۗ اِلَيْهِ يَصْعَدُ الْكَلِمُ الطَّيِّبُ وَالْعَمَلُ الصَّالِحُ يَرْفَعُهٗ ۗوَالَّذِيْنَ يَمْكُرُوْنَ السَّيِّاٰتِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ ۗوَمَكْرُ اُولٰۤىِٕكَ هُوَ يَبُوْرُ١٠
Man kāna yurīdul-‘izzata falillāhil-‘izzatu jamī‘ā(n), ilaihi yaṣ‘adul-kalimuṭ-ṭayyibu wal-‘amaluṣ-ṣāliḥu yarfa‘uh(ū), wal-lażīna yamkurūnas-sayyi'āti lahum ‘ażābun syadīd(un), wa makru ulā'ika huwa yabūr(u).
[10] Saha baé anu miharep kamulyaan, mangka (kudu nyaho yén) kamulyaan téh sakabéhanana mung kaagungan Allah. Nya ka Mantenna naékna caritaan-caritaan nu hadé 744 jeung amal soléh bakal diangkat ka Mantenna. 745 Anapon jalma-jalma nu ngarencanakeun kajahatan tangtu bakal meunang siksaan nu kacida rongkahna jeung rencana jahatna téh bakal ancur.
744) Sawaréh ahli tapsir nétélakeun yén ucapan nu hadé téh nyaéta kalimah taohid (lā ilāha illallāh). Aya ogé anu nyebutkeun dikir ka Allah. Aya ogé nu nyebutkeun sakabéh omongan nu alus anu diucapkeun karana Allah. 745) Caritaan nu hadé téh ditaékkeun pikeun ditampi ku Mantenna jeung dibéré ganjaran.

وَاللّٰهُ خَلَقَكُمْ مِّنْ تُرَابٍ ثُمَّ مِنْ نُّطْفَةٍ ثُمَّ جَعَلَكُمْ اَزْوَاجًاۗ وَمَا تَحْمِلُ مِنْ اُنْثٰى وَلَا تَضَعُ اِلَّا بِعِلْمِهٖۗ وَمَا يُعَمَّرُ مِنْ مُّعَمَّرٍ وَّلَا يُنْقَصُ مِنْ عُمُرِهٖٓ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍۗ اِنَّ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرٌ١١
Wallāhu khalaqakum min turābin ṡumma min nuṭfatin ṡumma ja‘alakum azwājā(n), wa mā taḥmilu min unṡā wa lā taḍa‘u illā bi‘ilmih(ī), wa mā yu‘ammaru mim mu‘ammariw wa lā yunqaṣu min ‘umurihī illā fī kitāb(in), inna żālika ‘alallāhi yasīr(un).
[11] Allah nyiptakeun aranjeun tina taneuh, tuluy tina cimani, tuluy Mantenna ngajadikeun aranjeun sapasang-sapasang (lalaki jeung awéwé). Teu aya hiji awéwé ogé anu kakandungan jeung ngalahirkeun, iwal ti kauninga ku Mantenna. Moal dipanjangkeun umur hiji jalma jeung (ogé) moal dikurangan, kajaba geus ditetepkeun dina kitab (Loh Mahpud). Sabenerna perkara kitu téh mungguhing Allah mah babari pisan.

وَمَا يَسْتَوِى الْبَحْرٰنِۖ هٰذَا عَذْبٌ فُرَاتٌ سَاۤىِٕغٌ شَرَابُهٗ وَهٰذَا مِلْحٌ اُجَاجٌۗ وَمِنْ كُلٍّ تَأْكُلُوْنَ لَحْمًا طَرِيًّا وَّتَسْتَخْرِجُوْنَ حِلْيَةً تَلْبَسُوْنَهَا ۚوَتَرَى الْفُلْكَ فِيْهِ مَوَاخِرَ لِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ١٢
Wa mā yastawil-baḥrān(i), hāżā ‘ażbun furātun sā'igun syarābuhū wa hāżā milḥun ujāj(un), wa min kullin ta'kulūna laḥman ṭariyyaw wa tastakhrijūna ḥilyatan talbasūnahā, wa taral-fulka fīhi mawākhira litabtagū min faḍlihī wa la‘allakum tasykurūn(a).
[12] Teu sarua (antara) dua laut. Anu ieu mah tawar, seger, jeung gampang diinumna, sedengkeun nu itu mah kacida asinna. Ti (saban-saban laut) ogé aranjeun bisa ngadahar daging nu seger jeung bisa ngaluarkeun papaés nu haradé pikeun dipaké. Di dinya aranjeun nempo parahu (lalayaran) ngabeulah lautan sangkan aranjeun bisa néangan sabagian kurnia-Na jeung sangkan aranjeun sukuran.

يُوْلِجُ الَّيْلَ فِى النَّهَارِ وَيُوْلِجُ النَّهَارَ فِى الَّيْلِۚ وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ كُلٌّ يَّجْرِيْ لِاَجَلٍ مُّسَمًّىۗ ذٰلِكُمُ اللّٰهُ رَبُّكُمْ لَهُ الْمُلْكُۗ وَالَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ مَا يَمْلِكُوْنَ مِنْ قِطْمِيْرٍۗ١٣
Yūlijul-laila fin-nahāri wa yūlijun-nahāra fil-lail(i), wa sakhkharasy-syamsa wal-qamara kulluy yajrī li'ajalim musammā(n), żālikumullāhu rabbukum lahul-mulk(u), wal-lażīna tad‘ūna min dūnihī mā yamlikūna min qiṭmīr(in).
[13] Mantenna ngasupkeun peuting kana beurang jeung ngasupkeun beurang kana peuting. Mantenna ogé nundukkeun panonpoé jeung bulan. Masing-masing muter nepi ka waktu nu geus ditangtukeun. Anu (nyieun) sakabéh éta téh Allah, Pangéran aranjeun. Mung kagungan Mantenna sagala karajaan. Sedengkeun maranéhna nu disambat ku aranjeun salian ti Allah mah teu bogaeun (naon-naon sanajan) saipis kulit ari ogé.

اِنْ تَدْعُوْهُمْ لَا يَسْمَعُوْا دُعَاۤءَكُمْۚ وَلَوْ سَمِعُوْا مَا اسْتَجَابُوْا لَكُمْۗ وَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ يَكْفُرُوْنَ بِشِرْكِكُمْۗ وَلَا يُنَبِّئُكَ مِثْلُ خَبِيْرٍ ࣖ١٤
In tad‘ūhum lā yasma‘ū du‘ā'akum, wa lau sami‘ū mastajābū lakum, wa yaumal-qiyāmati yakfurūna bisyirkikum, wa lā yunabbi'uka miṡlu khabīr(in).
[14] Upama maranéh nyambat maranéhna, maranéhna téh moal ngadéngé panyambat maranéh. Saupamana ngadéngé ogé, maranéhna moal bisaeun nyumponan paménta maranéh. Dina Poé Kiamat maranéhna bakal nolak kana kamusrikan maranéh jeung moal aya nu bisa méré katerangan ka hidep (Muhammad) kawas (anu dipasihkeun ku Allah) Nu Mahataliti.

۞ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اَنْتُمُ الْفُقَرَاۤءُ اِلَى اللّٰهِ ۚوَاللّٰهُ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيْدُ١٥
Yā ayyuhan-nāsu antumul-fuqarā'u ilallāh(i), wallāhu huwal-ganiyyul-ḥamīd(u).
[15] Hé manusa, nya aranjeun nu mibutuh ka Allah. Mung Allah Nu Mahasugih (tur) Mahapinuji.

اِنْ يَّشَأْ يُذْهِبْكُمْ وَيَأْتِ بِخَلْقٍ جَدِيْدٍۚ١٦
Iy yasya' yużhibkum wa ya'ti bikhalqin jadīd(in).
[16] Upama ngersakeun, tangtu Mantenna ngabinasakeun aranjeun jeung ngadatangkeun mahluk nu anyar (pikeun ngaganti aranjeun).

وَمَا ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ بِعَزِيْزٍ١٧
Wa mā żālika ‘alallāhi bi‘azīz(in).
[17] Éta perkara kitu téh mungguhing Allah mah henteu hésé.

وَلَا تَزِرُ وَازِرَةٌ وِّزْرَ اُخْرٰى ۗوَاِنْ تَدْعُ مُثْقَلَةٌ اِلٰى حِمْلِهَا لَا يُحْمَلْ مِنْهُ شَيْءٌ وَّلَوْ كَانَ ذَا قُرْبٰىۗ اِنَّمَا تُنْذِرُ الَّذِيْنَ يَخْشَوْنَ رَبَّهُمْ بِالْغَيْبِ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ ۗوَمَنْ تَزَكّٰى فَاِنَّمَا يَتَزَكّٰى لِنَفْسِهٖ ۗوَاِلَى اللّٰهِ الْمَصِيْرُ١٨
Wa lā taziru wāziratuw wizra ukhrā, wa in tad‘u muṡqalatun ilā ḥimlihā lā yuḥmal minhu syai'uw wa lau kāna żā qurbā, innamā tunżirul-lażīna yakhsyauna rabbahum bil-gaibi wa aqāmuṣ-ṣalāh(ta), wa man tazakkā fa innamā yatazakkā linafsih(ī), wa ilallāhil-maṣīr(u).
[18] Anu boga dosa moal nanggung dosa batur. Saupama nu beurat dosana nyambat (batur) pikeun nanggung dosana, mangka moal bisa nanggung sanajan saeutik ogé sanajan (nu disambatna téh) dulurna. Sabenerna anu bisa dinaséhatan ku hidep (Muhammad) ngan jalma-jalma nu sieun ku (siksa) Allah (sanajan) teu ningali Mantenna 746 jeung nu sok ngadegkeun salat. Saha baé jalma nu daék susuci, sabenerna susuci téh pikeun kahadéan diri aranjeun sorangan. Mung ka Allah geusan pamulangan.
746) Sawaréh ahli tapsir napsirkeun arti bil-gaib dina ieu ayat téh nyaéta waktu jalma-jalma keur sorangan teu nempo batur.

وَمَا يَسْتَوِى الْاَعْمٰى وَالْبَصِيْرُ ۙ١٩
Wa mā yastawil-a‘mā wal-baṣīr(u).
[19] Teu sarua (ogé) jalma nu lolong jeung nu awas.

وَلَا الظُّلُمٰتُ وَلَا النُّوْرُۙ٢٠
Wa laẓ-ẓulumātu wa lan-nūr(u).
[20] Teu sarua (ogé) nu poék mongkléng jeung nu caang narawangan.

وَلَا الظِّلُّ وَلَا الْحَرُوْرُۚ٢١
Wa laẓ-ẓillu wa lal-ḥarūr(u).
[21] Teu sarua (ogé) nu iuh jeung nu panas mentrang.

وَمَا يَسْتَوِى الْاَحْيَاۤءُ وَلَا الْاَمْوَاتُۗ اِنَّ اللّٰهَ يُسْمِعُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۚوَمَآ اَنْتَ بِمُسْمِعٍ مَّنْ فِى الْقُبُوْرِ٢٢
Wa mā yastawil-aḥyā'u wa lal-amwāt(u), innallāha yusmi‘u may yasyā'(u), wa mā anta bimusmi‘im man fil-qubūr(i).
[22] Teu sarua (ogé) jalma-jalma nu hirup jeung jalma-jalma nu maot. Tétéla Allah geus méré pangdéngé ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna, sedengkeun hidep (Muhammad) teu pisan-pisan sanggup ngajadikeun jalma-jalma nu di jero kubur bisa ngadéngé. 747
747) Nabi Muhammad Saw. teu bisa méré pituduh pikeun jalma-jalma musrik nu geus paéh haténa.

اِنْ اَنْتَ اِلَّا نَذِيْرٌ٢٣
In anta illā nażīr(un).
[23] Hidep mah (Muhammad) taya lian ngan saukur anu purah méré pépéling.

اِنَّآ اَرْسَلْنٰكَ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَّنَذِيْرًا ۗوَاِنْ مِّنْ اُمَّةٍ اِلَّا خَلَا فِيْهَا نَذِيْرٌ٢٤
Innā arsalnāka bil-ḥaqqi basyīraw wa nażīrā(n), wa im min ummatin illā khalā fīhā nażīr(un).
[24] Sabenerna Kami geus ngutus hidep (Muhammad) kalayan mawa bebeneran, 748 minangka nu mawa béja pikabungaheun jeung nu méré pépéling. Taya hiji umat ogé kajaba geus datang ka éta umat anu méré pépéling (rasul).
748) Agama taohid jeung hukum-hukumna.

وَاِنْ يُّكَذِّبُوْكَ فَقَدْ كَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ ۚجَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ وَبِالزُّبُرِ وَبِالْكِتٰبِ الْمُنِيْرِ٢٥
Wa iy yukażżibūka faqad każżabal-lażīna min qablihim, jā'athum rusuluhum bil-bayyināti wa biz-zuburi wa bil-kitābil-munīr(i).
[25] Upama maranéhna ngabohongkeun ka hidep (Muhammad), nya sabenerna jalma-jalma anu saméméh maranéhna ogé geus ngabohongkeun (kana bebeneran). Geus datang ka maranéhna téh rasul-rasulna bari mawa katerangan nu nyata (mujijat), zubur, jeung kitab nu ngandung katerangan nu sampurna. 749
749) Allah méré pituduh ka saha baé nu dipikersa jeung méré kasanggupan pikeun ngadéngékeun jeung narima katerangan-katerangan.

ثُمَّ اَخَذْتُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَكَيْفَ كَانَ نَكِيْرِ ࣖ٢٦
Ṡumma akhażtul-lażīna kafarū fakaifa kāna nakīr(i).
[26] Saterusna Kami nyiksa jalma-jalma nu kupur. Ku kituna, (geura ténjo) kumaha akibat kamurkaan Kami.

اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۚ فَاَخْرَجْنَا بِهٖ ثَمَرٰتٍ مُّخْتَلِفًا اَلْوَانُهَا ۗوَمِنَ الْجِبَالِ جُدَدٌ ۢبِيْضٌ وَّحُمْرٌ مُّخْتَلِفٌ اَلْوَانُهَا وَغَرَابِيْبُ سُوْدٌ٢٧
Alam tara annallāha anzala minas-samā'i mā'ā(n), fa'akhrajnā bihī ṡamarātim mukhtalifan alwānuhā, wa minal-jibāli judadum bīḍuw wa khumrum mukhtalifun alwānuhā wa garābību sūd(un).
[27] Naha anjeun teu ningali yén sabenerna Allah téh nu nurunkeun hujan ti langit, tuluy Kami ngahasilkeun ku éta hujan téh bubuahan nu rupa-rupa warnana. Ti antara gunung-gunung aya nu guguratan barodas jeung bareureum nu rupa-rupa warnana jeung aya (ogé) nu hideung lestreng.

وَمِنَ النَّاسِ وَالدَّوَاۤبِّ وَالْاَنْعَامِ مُخْتَلِفٌ اَلْوَانُهٗ كَذٰلِكَۗ اِنَّمَا يَخْشَى اللّٰهَ مِنْ عِبَادِهِ الْعُلَمٰۤؤُاۗ اِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ غَفُوْرٌ٢٨
Wa minan-nāsi wad-dawābbi wal-an‘āmi mukhtalifun alwānuhū każālik(a), innamā yakhsyallāha min ‘ibādihil-ulamā'(u), innallāha ‘azīzun gafūr(un).
[28] (Nya kitu deui) ti antara manusa, mahluk nyawaan nu kumarayap, jeung sato ingon-ingon aya nu rupa-rupa warnana (jeung jenisna). Ti antara hamba-hamba Allah, nu ajrih ka Mantenna mah mung para ulama. Saleresna Allah Mahagagah (tur) Maha Jembar-pangampura.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَتْلُوْنَ كِتٰبَ اللّٰهِ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاَنْفَقُوْا مِمَّا رَزَقْنٰهُمْ سِرًّا وَّعَلَانِيَةً يَّرْجُوْنَ تِجَارَةً لَّنْ تَبُوْرَۙ٢٩
Innal-lażīna yatlūna kitāballāhi wa aqāmuṣ-ṣalāta wa anfaqū mimmā razaqnāhum sirraw wa ‘alāniyatay yarjūna tijāratal lan tabūr(a).
[29] Sabenerna jalma-jalma nu sok maca Kitab Allah (Al-Qur’an), ngadegkeun salat, sarta ngainpakkeun sawaréh tina rejeki nu ku Kami dikurniakeun ka aranjeunna, boh ku cara susulumputan boh kalayan terang-terangan, aranjeunna téh miharep dagang nu moal kungsi rugi

لِيُوَفِّيَهُمْ اُجُوْرَهُمْ وَيَزِيْدَهُمْ مِّنْ فَضْلِهٖۗ اِنَّهٗ غَفُوْرٌ شَكُوْرٌ٣٠
Liyuwaffiyahum ujūrahum wa yazīdahum min faḍlih(ī), innahū gafūrun syakūr(un).
[30] (Kitu téh) sangkan Allah nyampurnakeun ganjaran aranjeunna sareng nambihan kurnia-Na ka aranjeunna. Saleresna Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Maha Males-budi. 750
750) Jalma-jalma nu nyaho kana kaagungan jeung kakawasaan Allah.

وَالَّذِيْٓ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ هُوَ الْحَقُّ مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِۗ اِنَّ اللّٰهَ بِعِبَادِهٖ لَخَبِيْرٌۢ بَصِيْرٌ٣١
Wal-lażī auḥainā ilaika minal-kitābi huwal-ḥaqqu muṣaddiqal limā baina yadaih(i), innallāha bi‘ibādihī lakhabīrum baṣīr(un).
[31] Naon baé nu ku Kami diwahyukeun ka hidep (Muhammad), nyaéta Kitab (Al-Qur’an), éta téh bener nu ngaenyakeun kana kitab-kitab nu saméméhna. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Maha Ningali kana kaayaan hamba-hamba-Na

ثُمَّ اَوْرَثْنَا الْكِتٰبَ الَّذِيْنَ اصْطَفَيْنَا مِنْ عِبَادِنَاۚ فَمِنْهُمْ ظَالِمٌ لِّنَفْسِهٖ ۚوَمِنْهُمْ مُّقْتَصِدٌ ۚوَمِنْهُمْ سَابِقٌۢ بِالْخَيْرٰتِ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ هُوَ الْفَضْلُ الْكَبِيْرُۗ٣٢
Ṡumma auraṡnal-kitābal-lażīnaṣṭafainā min ‘ibādinā, fa minhum ẓālimul linafsih(ī), wa minhum muqtaṣid(un), wa minhum sābiqum bil-khairāti bi'iżnillāh(i), żālika huwal-faḍlul-kabīr(u).
[32] Tuluy éta Kitab téh ku Kami diwariskeun ka jalma-jalma nu ku Kami dipilih ti antara hamba-hamba Kami. Tuluy ti antara maranéhna aya nu nganiaya kana dirina sorangan, aya nu siger tengah, jeung aya (ogé) nu (leuwih) ti heula dina milampah kahadéan 751 kalayan widi Allah. Éta téh kurnia nu pohara gedéna.
751) Ngadolim ka diri sorangan téh nyaéta jalma nu leuwih loba kasalahanana tibatan kahadéanana. Nu dimaksud ku siger tengah téh nyaéta jalma-jalma nu kahadéan jeung kasalahanana saimbang, sedengkeun nu dimaksud jalma-jalma nu leuwih ti heula ngalakukeun kahadéan téh nyaéta nu ngalakukeun kahadéanana pohara lobana jeung langka ngalakukeun kagoréngan.

جَنّٰتُ عَدْنٍ يَّدْخُلُوْنَهَا يُحَلَّوْنَ فِيْهَا مِنْ اَسَاوِرَ مِنْ ذَهَبٍ وَّلُؤْلُؤًا ۚوَلِبَاسُهُمْ فِيْهَا حَرِيْرٌ٣٣
Jannātu ‘adniy yadkhulūnahā yuḥallauna fīhā min asāwira min żahabiw wa lu'lu'ā(n), wa libāsuhum fīhā ḥarīr(un).
[33] (Wawales aranjeunna di ahérat téh nyaéta) sawarga Aden. Aranjeunna asup ka jerona. Di dinya aranjeunna dibéré papaés tina geulang-geulang emas jeung mutiara. Pakéan aranjeunna di dinya téh mangrupa sutra.

وَقَالُوا الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْٓ اَذْهَبَ عَنَّا الْحَزَنَۗ اِنَّ رَبَّنَا لَغَفُوْرٌ شَكُوْرٌۙ٣٤
Wa qālul-ḥamdu lillāhil-lażī ażhaba ‘annal-ḥazan(a), inna rabbanā lagafūrun syakūr(un).
[34] Aranjeunna nyarita, “Sadaya puji kagungan Allah nu parantos ngaleungitkeun kanalangsaan ti abdi sadaya. Saleresna Pangéran abdi sadaya téh leres-leres Maha Jembar-pangapunten (tur) Maha Males-budi.

ۨالَّذِيْٓ اَحَلَّنَا دَارَ الْمُقَامَةِ مِنْ فَضْلِهٖۚ لَا يَمَسُّنَا فِيْهَا نَصَبٌ وَّلَا يَمَسُّنَا فِيْهَا لُغُوْبٌ٣٥
Allażī aḥallanā dāral-muqāmati min faḍlih(ī), lā yamassunā fīhā naṣabuw wa lā yamassunā fīhā lugūb(un).
[35] (Mantenna) nu lantaran kurnia-Na merenahkeun abdi sadaya di tempat anu langgeng (sawarga). Di dinya abdi sadaya henteu ngaraos capé sareng teu ngaraos lungsé.”

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَهُمْ نَارُ جَهَنَّمَۚ لَا يُقْضٰى عَلَيْهِمْ فَيَمُوْتُوْا وَلَا يُخَفَّفُ عَنْهُمْ مِّنْ عَذَابِهَاۗ كَذٰلِكَ نَجْزِيْ كُلَّ كَفُوْرٍ ۚ٣٦
Wal-lażīna kafarū lahum nāru jahannam(a), lā yuqḍā ‘alaihim fayamūtū wa lā yukhaffafu ‘anhum min ‘ażābihā, każālika najzī kulla kafūr(in).
[36] Pikeun jalma-jalma nu kupur mah disadiakeun naraka Jahanam. Maranéhna henteu ditibankeun pati nepi ka maranéhna maot, jeung deui henteu diénténgkeun siksaanana. Tah kitu Kami ngawales ka sakur jalma nu kacida kupurna.

وَهُمْ يَصْطَرِخُوْنَ فِيْهَاۚ رَبَّنَآ اَخْرِجْنَا نَعْمَلْ صَالِحًا غَيْرَ الَّذِيْ كُنَّا نَعْمَلُۗ اَوَلَمْ نُعَمِّرْكُمْ مَّا يَتَذَكَّرُ فِيْهِ مَنْ تَذَكَّرَ وَجَاۤءَكُمُ النَّذِيْرُۗ فَذُوْقُوْا فَمَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ نَّصِيْرٍ ࣖ٣٧
Wa hum yaṣṭarikhūna fīhā, rabbanā akhirjnā na‘mal ṣāliḥan gairal-lażī kunnā na‘mal(u), awalam nu‘ammirkum mā yatażakkaru fīhi man tażakkara wa jā'akumun nażīr(u), fa żūqū famā liẓ-ẓālimīna min naṣīr(in).
[37] Maranaehna tingkocéak di jero naraka, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngaluarkeun abdi sadaya (tina naraka), tinangtos abdi sadaya badé milampah amal soléh, sanés sapertos (amal) nu ku abdi sadaya dipilampah kapungkur.” (Diomongkeun ka maranéhna), “Lain Kami téh geus manjangkeun umur maranéh dina mangsa (nu cukup) keur mikir pikeun jalma nu daék mikir? Apan geus datang ka maranéh nu purah méré pépéling? Ku kituna, pék baé geura rasakeun (siksaan Kami). Pikeun jalma-jalma nu dolim mah moal pisan aya nu bakal nulungan saurang ogé.

اِنَّ اللّٰهَ عَالِمُ غَيْبِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اِنَّهٗ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ٣٨
Innallāha ‘ālimu gaibis-samāwāti wal-arḍ(i), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[38] Saleresna Allah uninga ka nu gaib di langit jeung bumi. Saleresna Mantenna Mahauninga kana sakabéh eusi haté.

هُوَ الَّذِيْ جَعَلَكُمْ خَلٰۤىِٕفَ فِى الْاَرْضِۗ فَمَنْ كَفَرَ فَعَلَيْهِ كُفْرُهٗۗ وَلَا يَزِيْدُ الْكٰفِرِيْنَ كُفْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ اِلَّا مَقْتًا ۚوَلَا يَزِيْدُ الْكٰفِرِيْنَ كُفْرُهُمْ اِلَّا خَسَارًا٣٩
Huwal-lażī ja‘alakum khalā'ifa fil-arḍ(i), faman kafara fa‘alaihi kufruh(ū), wa lā yazīdul-kāfirīna kufruhum ‘inda rabbihim illā maqtā(n), wa lā yazīdul-kāfirīna kufruhum illā khasārā(n).
[39] Nya Mantenna nu ngajadikeun aranjeun kalipah di bumi. Ku kituna, saha baé nu kupur, nya (akibat) kakupuranana téh tumiba ka dirina sorangan. Kakupuran jalma-jalma kapir téh taya lian iwalti nambahan bebendon di mungguhing Pangéranana. Kakupuran jalma-jalma kapir taya lian iwal ti nambahan karugian (pikeun maranéhna)

قُلْ اَرَءَيْتُمْ شُرَكَاۤءَكُمُ الَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗاَرُوْنِيْ مَاذَا خَلَقُوْا مِنَ الْاَرْضِ اَمْ لَهُمْ شِرْكٌ فِى السَّمٰوٰتِۚ اَمْ اٰتَيْنٰهُمْ كِتٰبًا فَهُمْ عَلٰى بَيِّنَتٍ مِّنْهُۚ بَلْ اِنْ يَّعِدُ الظّٰلِمُوْنَ بَعْضُهُمْ بَعْضًا اِلَّا غُرُوْرًا٤٠
Qul ara'aitum syurakā'akumul-lażīna tad‘ūna min dūnillāh(i), arūnī māżā khalaqū minal-arḍi am lahum syirkun fis-samāwāt(i), am ātaināhum kitāban fahum ‘alā bayyinatim minh(u), bal iy ya‘iduẓ-ẓālimūna ba‘ḍuhum ba‘ḍan illā gurūrā(n).
[40] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Geura terangkeun sarékat-sarékat nu ku aranjeun disembah salian ti Allah!” Cing témbongkeun ku maranéh ka Kaula (bagian) mana ti ieu bumi nu geus diciptakeun ku maranéhna, atawa maranéhna ngabogaan andil dina (nyiptakeun) di langit? Atawa naha kungsi Kami méré hiji Kitab ka maranéhna nepi ka maranéhna meunang katerangan-katerangan nu jelas ti dinya? Sabenerna mah sawaréh jalma-jalma nu dolim téh ngan ngajangjikeun tipu daya wungkul ka sawaréh deui.

۞ اِنَّ اللّٰهَ يُمْسِكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ اَنْ تَزُوْلَا ەۚ وَلَىِٕنْ زَالَتَآ اِنْ اَمْسَكَهُمَا مِنْ اَحَدٍ مِّنْۢ بَعْدِهٖ ۗاِنَّهٗ كَانَ حَلِيْمًا غَفُوْرًا٤١
Innallāha yumsikus-samāwāti wal-arḍa an tazūlā, wa la'in zālatā in amsakahumā min aḥadim mim ba‘dih(ī), innahū kāna ḥalīman gafūrā(n).
[41] Saleresna Allah nu nahan langit jeung bumi sangkan henteu punah. Upama duanana bakal dipunahkeun, mangka moal aya saurang ogé nu bisa nahanna (salian ti Mantenna). Saleresna Mantenna Mahasantun (tur) Maha Jembar-pangampura.

وَاَقْسَمُوْا بِاللّٰهِ جَهْدَ اَيْمَانِهِمْ لَىِٕنْ جَاۤءَهُمْ نَذِيْرٌ لَّيَكُوْنُنَّ اَهْدٰى مِنْ اِحْدَى الْاُمَمِۚ فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ نَذِيْرٌ مَّا زَادَهُمْ اِلَّا نُفُوْرًاۙ٤٢
Wa aqsamū billāhi jahda aimānihim la'in jā'ahum nażīrul layakūnunna ahdā min iḥdal-umam(i), falammā jā'ahum nażīrum mā zādahum illā nufūrā(n).
[42] Maranéhna susumpahan ku (jenengan) Allah kalayan sumpah nu sabener-benerna yén saupama datang ka maranéhna jalma anu méré pépéling, tangtu maranéhna bener-bener bakal leuwih meunang loba pituduh batan umat-umat (nu séjén). Tapi waktu datang ka maranéhna éta nu méré pépéling téh, mangka henteu nambahan (naon-naon) pikeun maranéhna iwal ti (beuki) jauh tina (bebeneran)

ۨاسْتِكْبَارًا فِى الْاَرْضِ وَمَكْرَ السَّيِّئِۗ وَلَا يَحِيْقُ الْمَكْرُ السَّيِّئُ اِلَّا بِاَهْلِهٖ ۗفَهَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّا سُنَّتَ الْاَوَّلِيْنَۚ فَلَنْ تَجِدَ لِسُنَّتِ اللّٰهِ تَبْدِيْلًا ەۚ وَلَنْ تَجِدَ لِسُنَّتِ اللّٰهِ تَحْوِيْلًا٤٣
Istikbāran fil-arḍi wa makras-sayyi'(i), wa lā yaḥīqul-makrus-sayyi'u illā bi'ahlih(ī), fahal yanẓurūna illā sunnatal-awwalīn(a), falan tajida lisunnatillāhi tabdīlā(n), wa lan tajida lisunnatillāhi taḥwīlā(n).
[43] lantaran kasombongan (maranéhna) di bumi jeung lantaran rencana jahatna. Akibat (goréng) tina rencana jahatna téh ngan nibanan ka nu bogana sorangan. Maranéhna ngan ngadago-dago katangtuan (nu karandapan ku) jalma-jalma nu ti heula. 752 Ku kituna, hidep (Muhammad) moal pisan-pisan manggihan parobahan dina katangtuan Allah jeung moal manggih katangtuan Allah méngpar (tina tujuanana).
752) Anu dimaksud ku ”katangtuan jalma-jalma nu ti heula” nyaéta datangna siksa ka jalma-jalma nu ngabohongkeun para rasul.

اَوَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ وَكَانُوْٓا اَشَدَّ مِنْهُمْ قُوَّةً ۗوَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُعْجِزَهٗ مِنْ شَيْءٍ فِى السَّمٰوٰتِ وَلَا فِى الْاَرْضِۗ اِنَّهٗ كَانَ عَلِيْمًا قَدِيْرًا٤٤
Awalam yasīrū fil-arḍi fa yanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qablihim wa kānū asyadda minhum quwwah(tan), wa mā kānallāhu liyu‘jizahū min syai'in fis-samāwāti wa lā fil-arḍ(i), innahū kāna ‘alīman qadīrā(n).
[44] Naha maranéhna henteu ngalalana di ieu bumi, tuluy niténan kumaha balukarna jalma-jalma nu saméméh maranéhna, padahal maranéhna (jalma-jalma baheula nu ngabohongkeun ka rasul) leuwih kuat tibatan maranéhna? Moal aya hiji perkara ogé nu bakal ngalemahkeun Allah, boh di langit boh bumi. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahakawasa.

وَلَوْ يُؤَاخِذُ اللّٰهُ النَّاسَ بِمَا كَسَبُوْا مَا تَرَكَ عَلٰى ظَهْرِهَا مِنْ دَاۤبَّةٍ وَّلٰكِنْ يُّؤَخِّرُهُمْ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّىۚ فَاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِعِبَادِهٖ بَصِيْرًا ࣖ٤٥
Wa lau yu'ākhiżullāhun-nāsa bimā kasabū mā taraka ‘alā ẓahrihā min dābbatiw wa lākiy yu'akhkhiruhum ilā ajalim musammā(n), fa iżā jā'a ajaluhum fa innallāha kāna bi‘ibādihī baṣīrā(n).
[45] Upama Allah nibankeun siksaan ka manusa alatan naon anu dipilampah ku maranéhna, tangtu Mantenna moal nyésakeun sanajan hiji ogé ti mahluk-Na anu rumingkang jeung nyawaan di luhur bumi, ngan baé Allah nunda (siksaana-Na) nepi ka waktu nu ditangtungkeun. Mangka, upama ajal (waktu ditibankeunana siksaan pikeun) maranéhna datang, saleresna Allah Maha Ningali (kaayaan) hamba-hamba-Na.