Surah Saba’

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ وَلَهُ الْحَمْدُ فِى الْاٰخِرَةِۗ وَهُوَ الْحَكِيْمُ الْخَبِيْرُ١
Al-ḥamdu lillāhil-lażī lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍi wa lahul-ḥamdu fil-ākhirah(ti), wa huwal-ḥakīmul-khabīr(u).
[1] Sadaya puji kagungan Allah anu kagungan sagala anu aya di langit jeung nu aya di bumi, ogé ngan kagungan Mantenna sadaya puji di ahérat. Nya Mantenna pisan Nu Mahawijaksana (tur) Mahauninga.

يَعْلَمُ مَا يَلِجُ فِى الْاَرْضِ وَمَا يَخْرُجُ مِنْهَا وَمَا يَنْزِلُ مِنَ السَّمَاۤءِ وَمَا يَعْرُجُ فِيْهَاۗ وَهُوَ الرَّحِيْمُ الْغَفُوْرُ٢
Ya‘lamu mā yaliju fil-arḍi wa mā yakhruju minhā wa mā yanzilu minas-samā'i wa mā ya‘ruju fīhā, wa huwar-raḥīmul-gafūr(u).
[2] Mantenna Uninga kana naon nu asup ka jero bumi jeung naon anu kaluar ti dinya, sarta kana naon nu turun ti langit jeung anu naék ka dinya. Nya Mantenna pisan Nu Mahaasih (tur) Maha Jembar-pangampura.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَا تَأْتِيْنَا السَّاعَةُ ۗقُلْ بَلٰى وَرَبِّيْ لَتَأْتِيَنَّكُمْۙ عٰلِمِ الْغَيْبِۙ لَا يَعْزُبُ عَنْهُ مِثْقَالُ ذَرَّةٍ فِى السَّمٰوٰتِ وَلَا فِى الْاَرْضِ وَلَآ اَصْغَرُ مِنْ ذٰلِكَ وَلَآ اَكْبَرُ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍ مُّبِيْنٍۙ٣
Wa qālal-lażīna kafarū lā ta'tīnas-sā‘ah(tu), qul balā wa rabbī lata'tiyannakum, ‘ālimul-gaib(i), lā ya‘zubu ‘anhu miṡqālu żarratin fis-samāwāti wa lā fil-arḍi wa lā aṣgaru min żālika wa lā akbaru illā fī kitābim mubīn(in).
[3] Jalma-jalma kapir ngomong, “Poé Kiamat téh moal datang ka urang saréréa mah.” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Demi Pangéran kuring anu uninga kana sakur nu gaib, Poé Kiamat téh pasti datangna ka aranjeun. Moal aya anu nyumput ti Mantenna sanajan sagedé żarrah, 729 boh nu aya di langit boh nu aya di bumi, boh nu leuwih leutik ti éta boh nu leuwih gedé, anging sakabéh aya dina Kitab anu jéntré (Loh Mahpud).”
729) Aya ogé anu napsirkeun yén żarrah téh nyaéta sabangsaning sato nu leutik pisan kaasup sireum. Bangsa Arab sok ngalandi sabangsaning sato nu pohara leutikna ku éta kecap.

لِّيَجْزِيَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّرِزْقٌ كَرِيْمٌ٤
Liyajziyal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāt(i), ulā'ika lahum magfiratuw wa rizqun karīm(un).
[4] Sangkan Mantenna ngawales ka jalma-jalma nu iman tur migawe amal soléh. Nya aranjeunna pisan anu bakal meunang pangampura jeung rejeki anu mulya.

وَالَّذِيْنَ سَعَوْ فِيْٓ اٰيٰتِنَا مُعٰجِزِيْنَ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ مِّنْ رِّجْزٍ اَلِيْمٌ٥
Wal-lażīna sa‘au fī āyātinā mu‘ājizīna ulā'ika lahum ‘ażābum mir rijzin alīm(un).
[5] Jalma-jalma nu ngupayakeun pikeun (mungpang) kana ayat-ayat Kami kalayan anggapan bisa ngalemahkeun (siksa Kami), pasti maranéhna téh meunang siksaan, nyaéta siksaan anu kacida nyerina.

وَيَرَى الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ هُوَ الْحَقَّۙ وَيَهْدِيْٓ اِلٰى صِرَاطِ الْعَزِيْزِ الْحَمِيْدِ٦
Wa yaral-lażīna ūtul-‘ilmal-lażī unzila ilaika mir rabbika huwal-ḥaqq(a), wa yahdī ilā ṣirāṭil-‘azīzil-ḥamīd(i).
[6] Jalma-jalma nu dibéré élmu nganggap yén (wahyu) anu diturunkeun ka hidep (Muhammad) ti Pangéran téh éta bener tur méré pituduh kana jalan Pangéran Nu Mahagagah (tur) Mahapinuji.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا هَلْ نَدُلُّكُمْ عَلٰى رَجُلٍ يُّنَبِّئُكُمْ اِذَا مُزِّقْتُمْ كُلَّ مُمَزَّقٍۙ اِنَّكُمْ لَفِيْ خَلْقٍ جَدِيْدٍۚ٧
Wa qālal-lażīna kafarū hal nadullukum ‘alā rajuliy yunabbi'ukum iżā muzziqtum kulla mumazzaq(in), innakum lafī khalqin jadīd(in).
[7] Jalma-jalma kapir nyarita (ka batur-baturna), “Naha maranéh hayang dituduhkeun ku kuring ngeunaan hiji lalaki (Muhammad) nu ngabéjakeun ka maranéh yén upama waruga maranéh geus ancur saancur-ancurna, sabenerna maranéh téh (bakal dihudangkeun deui) dina kajadian anu anyar?

اَفْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَمْ بِهٖ جِنَّةٌ ۗبَلِ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ فِى الْعَذَابِ وَالضَّلٰلِ الْبَعِيْدِ٨
Aftarā ‘alallāhi każiban am bihī jinnah(tun), balil-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati fil-‘ażābi waḍ-ḍalālil-ba‘īd(i).
[8] Naha manéhna téh nyieun-nyieun kabohongan ka Allah atawa manéhna téh keuna panyakit gélo?” (Henteu!), tapi jalma-jalma nu teu iman kana poé ahérat aya dina siksaan jeung kasasaran nu jauh pisan.

اَفَلَمْ يَرَوْا اِلٰى مَا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۗ اِنْ نَّشَأْ نَخْسِفْ بِهِمُ الْاَرْضَ اَوْ نُسْقِطْ عَلَيْهِمْ كِسَفًا مِّنَ السَّمَاۤءِۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّكُلِّ عَبْدٍ مُّنِيْبٍ ࣖ٩
Afalam yarau ilā mā baina aidīhim wa mā khalfahum minas-samā'i wal-arḍ(i), in nasya' nakhsif bihimul-arḍa au nusqiṭ ‘alaihim kisafam minas-samā'(i), inna fī żālika la'āyatal likulli ‘abdim munīb(in).
[9] Naha maranéhna téh henteu niténan langit jeung bumi nu aya di hareupeun jeung di satukangeunana? Upama ngersakeun, tangtu Kami ngabebeskeun maranéhna ka jero taneuh atawa ngaragragkeun sesemplékan (pirang-pirang barang ti langit) ka maranéhna. Sabenerna dina éta perkara téh aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun saban hamba nu mulang (ka Mantenna).

۞ وَلَقَدْ اٰتَيْنَا دَاوٗدَ مِنَّا فَضْلًاۗ يٰجِبَالُ اَوِّبِيْ مَعَهٗ وَالطَّيْرَ ۚوَاَلَنَّا لَهُ الْحَدِيْدَۙ١٠
Wa laqad ātainā dāwūda minnā faḍlā(n), yā jibālu awwibī ma‘ahū waṭ-ṭair(a), wa alannā lahul-ḥadīd(a).
[10] Tétéla Kami geus méré kurnia ka Dawud. (Kami ngadawuh), “Hé gunung-gunung jeung manuk, geura ucapkeun tasbéh sing mindeng babarengan jeung Dawud!” Kami ogé geus ngaleuleuskeun beusi pikeun anjeunna.

اَنِ اعْمَلْ سٰبِغٰتٍ وَّقَدِّرْ فِى السَّرْدِ وَاعْمَلُوْا صَالِحًاۗ اِنِّيْ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ١١
Ani‘mal sābigātiw wa qaddir fis-sardi wa‘malū ṣāliḥā(n), innī bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[11] Prak hidep (Dawud) geura nyieun baju-baju besi anu gedé, geura ukur anyamanana, jeung prak geura pigawé amal soléh. Sabenerna Kami ningali kana sagala rupa anu dilakukeun ku maranéh.

وَلِسُلَيْمٰنَ الرِّيْحَ غُدُوُّهَا شَهْرٌ وَّرَوَاحُهَا شَهْرٌۚ وَاَسَلْنَا لَهٗ عَيْنَ الْقِطْرِۗ وَمِنَ الْجِنِّ مَنْ يَّعْمَلُ بَيْنَ يَدَيْهِ بِاِذْنِ رَبِّهٖۗ وَمَنْ يَّزِغْ مِنْهُمْ عَنْ اَمْرِنَا نُذِقْهُ مِنْ عَذَابِ السَّعِيْرِ١٢
Wa lisulaimānar-rīḥa guduwwuhā syahruw wa rawāḥuhā syahr(un), wa asalnā lahū ‘ainal-qiṭr(i), wa minal-jinni may ya‘malu baina yadaihi bi'iżni rabbih(ī), wa may yazig minhum ‘an amrinā nużiqhu min ‘ażābis-sa‘īr(i).
[12] Pikeun Sulaéman (Kami geus nundukkeun) angin anu (jarak tempuh) indit-inditanana dina mangsa isuk-isuk sarua jeung nyaba sabulan. 730 Kitu deui (jarak tempuh) indit-inditanana dina mangsa pasosoré sarua jeung nyaba sabulan. Kami ogé ngocorkeun tambaga pikeun anjeunna. Sawaréh tina jin aya nu digawé di hareupeunana (dina kakawasaanana) kalayan widi Pangéranana. Saha baé ti antara maranéhna nu nyimpang tina paréntah Kami, tangtu manéhna ku Kami sina ngarasakeun siksa anu (apina) ngaléntab-léntab.
730) Lamun Nabi Sulaéman a.s. lalampahan ti isuk-isuk nepi ka tengah poé, mangka jarakna sarua jeung jarak nu dilakukeun maké onta salila sabulan. Nya kitu deui lamun lalampahan dimimitian ti tengah poé nepi ka soré, mangka waktuna sarua jeung iinditan sabulan.

يَعْمَلُوْنَ لَهٗ مَا يَشَاۤءُ مِنْ مَّحَارِيْبَ وَتَمَاثِيْلَ وَجِفَانٍ كَالْجَوَابِ وَقُدُوْرٍ رّٰسِيٰتٍۗ اِعْمَلُوْٓا اٰلَ دَاوٗدَ شُكْرًا ۗوَقَلِيْلٌ مِّنْ عِبَادِيَ الشَّكُوْرُ١٣
Ya‘malūna lahū mā yasyā'u mim maḥārība wa tamāṡīla wa jifānin kal-jawābi wa qudūrir-rāsiyāt(in), i‘malū āla dāwūda syukrā(n), wa qalīlum min ‘ibādiyasy-syakūr(u).
[13] Maranéhna (bangsa jin téa) sok digawé pikeun Sulaéman kana sagala rupa nu ku anjeunna dipikahayang. Ti antarana (nyieun) gedong-gedong anu tohaga, arca-arca, piring-piring (anu gedéna) siga balong, jeung pariuk-pariuk nu tambleg (luhureun tungku). Prak geura digawé maranéh hé kulawarga Dawud pikeun muji (tur) sukuran ka Allah! Ngan saeutik pisan ti antara hamba-hamba Kami nu loba sukurna.

فَلَمَّا قَضَيْنَا عَلَيْهِ الْمَوْتَ مَا دَلَّهُمْ عَلٰى مَوْتِهٖٓ اِلَّا دَاۤبَّةُ الْاَرْضِ تَأْكُلُ مِنْسَاَتَهٗ ۚفَلَمَّا خَرَّ تَبَيَّنَتِ الْجِنُّ اَنْ لَّوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ الْغَيْبَ مَا لَبِثُوْا فِى الْعَذَابِ الْمُهِيْنِۗ١٤
Falammā qaḍainā ‘alaihil-mauta mā dallahum ‘alā mautihī illā dābbatul-arḍi ta'kulu minsa'atah(ū), falammā kharra tabayyanatil-jinnu allau kānū ya‘lamūnal-gaiba mā labiṡū fil-‘ażābil-muhīn(i).
[14] Nya waktu Kami netepkeun maotna (Sulaéman), teu aya nu nuduhkeun kana maotna salian ti rinyuh nu ngahakan iteukna. Barang bru anjeunna rubuh, kakara tétéla pikeun éta jin yén upama téa mah maranéhna nyahoeun kana perkara anu gaib, tangtu moal tetep dina siksaan anu ngahinakeun (balukar tina teu percayana kana ayana gaib).

لَقَدْ كَانَ لِسَبَاٍ فِيْ مَسْكَنِهِمْ اٰيَةٌ ۚجَنَّتٰنِ عَنْ يَّمِيْنٍ وَّشِمَالٍ ەۗ كُلُوْا مِنْ رِّزْقِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوْا لَهٗ ۗبَلْدَةٌ طَيِّبَةٌ وَّرَبٌّ غَفُوْرٌ١٥
Laqad kāna lisaba'in fī maskanihim āyah(tun), jannatāni ‘ay yamīniw wa syimāl(in), kulū mir rizqi rabbikum wasykurū lah(ū), baldatun ṭayyibatuw wa rabbun gafūr(un).
[15] Tétéla pikeun urang Saba’ bener-bener aya hiji tanda (kakawasaan Pangéran) di tempat padumukanana, nyaéta dua kebon di katuhueun jeung di kéncaeun (lembur maranéhna). Pék maranéh geura dahar tina rejeki (anu dikurniakeun) Pangéran maranéh jeung geura sukuran ka Allah. (Nagara maranéh téh) nagara anu kacida alusna (merenahna), sedengkeun (Pangéran maranéh téh) Pangéran Nu Maha Jembar-pangampura.

فَاَعْرَضُوْا فَاَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ سَيْلَ الْعَرِمِ وَبَدَّلْنٰهُمْ بِجَنَّتَيْهِمْ جَنَّتَيْنِ ذَوَاتَيْ اُكُلٍ خَمْطٍ وَّاَثْلٍ وَّشَيْءٍ مِّنْ سِدْرٍ قَلِيْلٍ١٦
Fa a‘raḍū fa arsalnā ‘alaihim sailal-‘arimi wa baddalnāhum bijannataihim jannataini żawātai ukulin khamṭiw wa aṡliw wa syai'im min sidrin qalīl(in).
[16] Tapi maranéhna ngabalieur, nya Kami ngirimkeun banjir bandang anu kacida rongkahna 731 ka maranéhna, jeung Kami ngaganti dua kebon maranéhna téh ku dua kebon anu bubuahanana pait, tangkal Aṡl, jeung saeutik tangkal Sidr. 732
731) Banjir bandang anu disababkeun runtuhna bendungan Ma’rib. 732) Tangkal ‘Asl nyaéta sarupaning tangkal camara, tangkal Sidr sarupaning tangkal bidara.

ذٰلِكَ جَزَيْنٰهُمْ بِمَا كَفَرُوْاۗ وَهَلْ نُجٰزِيْٓ اِلَّا الْكَفُوْرَ١٧
Żālika jazaināhum bimā kafarū, wa hal nujāzī illal-kafūr(a).
[17] Éta téh wawales Kami pikeun maranéhna akibat kakupuranana. Kami henteu males iwal ka jalma-jalma anu kacida kupurna.

وَجَعَلْنَا بَيْنَهُمْ وَبَيْنَ الْقُرَى الَّتِيْ بٰرَكْنَا فِيْهَا قُرًى ظَاهِرَةً وَّقَدَّرْنَا فِيْهَا السَّيْرَۗ سِيْرُوْا فِيْهَا لَيَالِيَ وَاَيَّامًا اٰمِنِيْنَ١٨
Wa ja‘alnā bainahum wa bainal-qural-latī bāraknā fīhā quran ẓāhirataw wa qaddarnā fihas-sair(a), sīrū fīhā layāliya wa ayyāman āminīn(a).
[18] Kami ngajadikeun antara maranéhna (pangeusi nagri Saba’) jeung nagri-nagri anu ku Kami diberkahan (Syam) sababaraha nagri anu dareukeut, sarta Kami netepkeun antara éta nagri-nagri (jarak) lalampahan. Pék lumampah maranéh di éta nagri dina wanci peuting atawa beurang kalayan aman. 733
733) Nagri nu aya di Syam, ku sabab kasuburanana, jeung nu dimaksud nagri-nagri nu deukuet nyaéta nagri nu aya di antara Yaman jeung Syam. Ku kaayaan kitu téh sakabéh jalma lalar liwat bari aman, boh ti beurang atawa ti peuting, maranéhna bisa eureun di padang pasir bari aman.

فَقَالُوْا رَبَّنَا بٰعِدْ بَيْنَ اَسْفَارِنَا وَظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فَجَعَلْنٰهُمْ اَحَادِيْثَ وَمَزَّقْنٰهُمْ كُلَّ مُمَزَّقٍۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّكُلِّ صَبَّارٍ شَكُوْرٍ١٩
Fa qālū rabbanā bā‘id baina asfārinā wa ẓalamū anfusahum fa ja‘alnāhum aḥādīṡa wa mazzaqnāhum kulla mumazzaq(in), inna fī żālika la'āyātil likulli ṣabbārin syakūr(in).
[19] Pok téh maranéhna nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi jauhkeun jarak lalampahan abdi sadaya.” 734 Maranéhna geus dolim ka dirina sorangan. Kami ngajadikeun maranéhna piomongeun jalma-jalma jeung Kami ngancurkeun maranéhna saancur-ancurna. Saenyana dina hal éta téh nyata aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun sakabéh jalma anu sabar tur sukuran.
734) Lamun nagri-nagri anu deukeut téh dileungitkeun, mangka maranéhna bisa ngalakukeun monopoli dagang, supaya meunang untungan nu leuwih gedé.

وَلَقَدْ صَدَّقَ عَلَيْهِمْ اِبْلِيْسُ ظَنَّهٗ فَاتَّبَعُوْهُ اِلَّا فَرِيْقًا مِّنَ الْمُؤْمِنِيْنَ٢٠
Wa laqad ṣaddaqa ‘alaihim iblīsu ẓannahū fattaba‘ūhu illā farīqam minal-mu'minīn(a).
[20] Tétéla Iblis bener-bener geus bisa ngayakinkeun maranéhna ngeunaan benerna sangkaanana, nya tuluy maranéhna nurut ka Iblis, kajaba sagolongan ti antara jalma-jalma mu’min.

وَمَا كَانَ لَهٗ عَلَيْهِمْ مِّنْ سُلْطَانٍ اِلَّا لِنَعْلَمَ مَنْ يُّؤْمِنُ بِالْاٰخِرَةِ مِمَّنْ هُوَ مِنْهَا فِيْ شَكٍّ ۗوَرَبُّكَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ حَفِيْظٌ ࣖ٢١
Wa mā kāna lahū ‘alaihim min sulṭānin illā lina‘lama may yu'minu bil-ākhirati mimman huwa minhā fī syakk(in), wa rabbuka ‘alā kulli syai'in ḥafīẓ(un).
[21] Manéhna (Iblis) henteu pisan-pisan boga kakawasaan sanajan saeutik ogé, salian supaya Kami ngabédakeun saha anu iman kana (kahirupan) di ahérat ti jalma-jalma anu mangmang ngeunaan éta (ahérat). Pangéran hidep téh Maha Ngariksa kana sagala perkara.

قُلِ ادْعُوا الَّذِيْنَ زَعَمْتُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِۚ لَا يَمْلِكُوْنَ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ فِى السَّمٰوٰتِ وَلَا فِى الْاَرْضِ وَمَا لَهُمْ فِيْهِمَا مِنْ شِرْكٍ وَّمَا لَهٗ مِنْهُمْ مِّنْ ظَهِيْرٍ٢٢
Qulid‘ul-lażīna za‘amtum min dūnillāh(i), lā yamlikūna miṡqāla żarratin fis-samāwāti wa lā fil-arḍi wa mā lahum fīhimā min syirkiw wa mā lahū minhum min ẓahīr(in).
[22] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sok geura geroan maranéhna nu dianggap (pangéran) salian ti Allah!” Tangtu maranéhna téh teu boga (kakawasaan) sanajan sagedé żarrah, boh di di langit boh di bumi. Maranéhna téh henteu pisan-pisan ulubiung dina (nyiptakeun) langit jeung bumi, jeung ti antara maranéhna sama sakali teu aya hiji ogé anu ngabantuan ka Mantenna.

وَلَا تَنْفَعُ الشَّفَاعَةُ عِنْدَهٗٓ اِلَّا لِمَنْ اَذِنَ لَهٗ ۗحَتّٰىٓ اِذَا فُزِّعَ عَنْ قُلُوْبِهِمْ قَالُوْا مَاذَاۙ قَالَ رَبُّكُمْۗ قَالُوا الْحَقَّۚ وَهُوَ الْعَلِيُّ الْكَبِيْرُ٢٣
Wa lā tanfa‘usy-syafā‘atu ‘indahū illā liman ażina lah(ū), ḥattā iżā fuzzi‘a ‘an qulūbihim qālū māżā, qāla rabbukum, qālul-ḥaqq(a), wa huwal-‘aliyyul-kabīr(u).
[23] Teu aya gunana sapa’at (pitulung) di mungguhing Allah, kajaba pikeun jalma-jalma anu meunang widi (narima éta sapa’at) ti Mantenna. Nepi ka upama kasieun geus dileungitkeun tina haté maranéhna (nu ménta sapaat jeung nu dipénta sapaat), maranéhna (nu dipénta sapaat) ngomong, “Naon anu geus didawuhkeun ku Pangéran anjeun téh?” Maranéhna (nu ménta sapaat) ngajawab, “Bebeneran.” Mantenna mah Mahaluhur (tur) Mahaagung. 735
735) Ieu ayat nerangkeun yén sapa’at (pitulung) téh ngan bisa dilakukeun ku widi Allah. Jalma-jalma nu rék dipaparin widi méré sapa’at jeung anu dipaparin widi meunang sapa’at ngarasa sieun jeung rémpan teu meunang widi ti Allah.

۞ قُلْ مَنْ يَّرْزُقُكُمْ مِّنَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ قُلِ اللّٰهُ ۙوَاِنَّآ اَوْ اِيَّاكُمْ لَعَلٰى هُدًى اَوْ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٢٤
Qul may yarzuqukum minas-samāwāti wal-arḍ(i), qulillāh(u), wa innā au iyyākum la‘alā hudan au fī ḍalālim mubīn(in).
[24] Pék tanyakeun ku hidep (Muhammad), “Saha sabenerna anu nganugrahakeun rejeki ka aranjeun ti langit jeung ti bumi?” Jawab ku hidep, “Allah!” Sabenerna kuring atawa maranéh (jalma-jalma musrik) pasti aya dina pituduh Allah atawa aya dina kasasaran anu jéntré.

قُلْ لَّا تُسْـَٔلُوْنَ عَمَّآ اَجْرَمْنَا وَلَا نُسْـَٔلُ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ٢٥
Qul lā tus'alūna ‘ammā ajramnā wa lā nus'alu ‘ammā ta‘malūn(a).
[25] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Maranéh moal dipénta tanggung jawab tina perkara dosa anu dilakukeun ku kuring. Kitu deui kuring moal dipariksa tina sagala rupa nu dilakukeun ku maranéh.”

قُلْ يَجْمَعُ بَيْنَنَا رَبُّنَا ثُمَّ يَفْتَحُ بَيْنَنَا بِالْحَقِّۗ وَهُوَ الْفَتَّاحُ الْعَلِيْمُ٢٦
Qul yajma‘u bainanā rabbunā ṡumma yaftaḥu bainanā bil-ḥaqq(i), wa huwal-fattāḥul-‘alīm(u).
[26] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pangéran urang (dina Poé Kiamat) bakal ngumpulkeun urang saréréa, tuluy Mantenna bakal mutuskeun hukuman di antara urang saréréa kalayan bener. Mantenna pisan Maha Maparin-putusan (tur) Mahauninga.”

قُلْ اَرُوْنِيَ الَّذِيْنَ اَلْحَقْتُمْ بِهٖ شُرَكَاۤءَ كَلَّا ۗبَلْ هُوَ اللّٰهُ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٢٧
Qul arūniyal-lażīna alḥaqtum bihī syurakā'a kallā, bal huwallāhul-‘azīzul-ḥakīm(u).
[27] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sok tempokeun ku maranéh ka kuring sesembahan-sesembahan anu ku maranéh dikaitkeun ka Mantenna pikeun jadi sarékat-sarékat (Mantenna). Moal (sarua), tapi Mantenna téh Allah Nu Mahagagah (tur) Nu Mahawijaksana.”

وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا كَاۤفَّةً لِّلنَّاسِ بَشِيْرًا وَّنَذِيْرًا وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ٢٨
Wa mā arsalnāka illā kāffatal lin-nāsi basyīraw wa nażīraw wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[28] Kami henteu ngutus hidep (Muhammad), kajaba pikeun jadi pangbubungah jeung purah méré pépéling, tapi lolobana manusa téh teu nyahoeun.

وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٢٩
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[29] Marenehna nyarita, “Iraha (tumibana) éta jangji téh upama enya mah aranjeun jalma-jalma anu bener?”

قُلْ لَّكُمْ مِّيْعَادُ يَوْمٍ لَّا تَسْتَأْخِرُوْنَ عَنْهُ سَاعَةً وَّلَا تَسْتَقْدِمُوْنَ ࣖ٣٠
Qul lakum mī‘ādu yaumil lā tasta'khirūna ‘anhu sā‘ataw wa lā tastaqdimūn(a).
[30] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pikeun aranjeun aya poé anu geus dijangjikeun (Poé Kiamat). Aranjeun moal bisa ménta dipundurkeun sakeudeung ogé atawa ménta dipajukeun.”

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَنْ نُّؤْمِنَ بِهٰذَا الْقُرْاٰنِ وَلَا بِالَّذِيْ بَيْنَ يَدَيْهِۗ وَلَوْ تَرٰىٓ اِذِ الظّٰلِمُوْنَ مَوْقُوْفُوْنَ عِنْدَ رَبِّهِمْۖ يَرْجِعُ بَعْضُهُمْ اِلٰى بَعْضِ ِۨالْقَوْلَۚ يَقُوْلُ الَّذِيْنَ اسْتُضْعِفُوْا لِلَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْا لَوْلَآ اَنْتُمْ لَكُنَّا مُؤْمِنِيْنَ٣١
Wa qālal-lażīna kafarū lan nu'mina bihāżal-qur'āni wa lā bil-lażī baina yadaih(i), wa lau tarā iżiẓ-ẓālimūna mauqūfūna ‘inda rabbihim, yarji‘u ba‘ḍuhum ilā ba‘ḍinil-qaul(a), yaqūlul-lażīnastuḍ‘ifū lil-lażīnastakbarū lau lā antum lakunnā mu'minīn(a).
[31] Jalma-jalma kapir nyarita, “Kuring saréréa moal rék iman kana ieu Al-Qur’an jeung kana (kitab) nu saméméhna.” (Pohara pikasieunana) lamun hidep (Muhammad) nempo (kumaha) waktu jalma-jalma dolim dijagragkeun ka payuneun Allah, (waktu) sawaréh ti antara maranéhna silih malikkeun omongan ka sawaréh deui (silih bantah). Jalma-jalma anu dianggap laip nyarita ka nu adigung, “Mun lain alatan maranéh mah, tangtu kuring saréréa baréto téh jadi jalma-jalma mu’min.”

قَالَ الَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْا لِلَّذِيْنَ اسْتُضْعِفُوْٓا اَنَحْنُ صَدَدْنٰكُمْ عَنِ الْهُدٰى بَعْدَ اِذْ جَاۤءَكُمْ بَلْ كُنْتُمْ مُّجْرِمِيْنَ٣٢
Qālal-lażīnastakbarū lil-lażīnastuḍ‘ifū anaḥnu ṣadadnākum ‘anil-hudā ba‘da iż jā'akum bal kuntum mujrimīn(a).
[32] Pok anu aradigung téh nyarita ka éta jalma-jalma nu dianggap laip, “Naha enya kuring kitu nu ngahalangan maranéh tina pituduh sanggeus didatangkeun ka maranéh?” (Lain!) Da saenyana maranéh sorangan anu doraka mah!”

وَقَالَ الَّذِيْنَ اسْتُضْعِفُوْا لِلَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْا بَلْ مَكْرُ الَّيْلِ وَالنَّهَارِ اِذْ تَأْمُرُوْنَنَآ اَنْ نَّكْفُرَ بِاللّٰهِ وَنَجْعَلَ لَهٗٓ اَنْدَادًا ۗوَاَسَرُّوا النَّدَامَةَ لَمَّا رَاَوُا الْعَذَابَۗ وَجَعَلْنَا الْاَغْلٰلَ فِيْٓ اَعْنَاقِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ هَلْ يُجْزَوْنَ اِلَّا مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٣٣
Wa qālal-lażīnastuḍ‘ifū lil-lażīnastakbarū bal makrul-laili wan-nahāri iż ta'murūnanā an nakfura billāhi wa naj‘ala lahū andādā(n), wa asarrun-nadāmata lammā ra'awul-‘ażāb(a), wa ja‘alnal-aglāla fī a‘nāqil-lażīna kafarū, hal yujzauna illā mā kānū ya‘malūn(a).
[33] Éta Jalma-jalma nu dianggap laip téh nyarita (deui) ka nu aradigung, “(Lain kitu!) Sabenerna réka perdaya (maranéh) ti peuting jeung ti beurang (nu ngahalang-halang urang saréréa téh), waktu maranéh nitah-nitah ka kuring saréréa kudu kupur ka Allah jeung sangkan kuring saréréa nyieun sarékat-sarékat kanggo Mantenna.” (Dua-duana) némbongkeun kahanjeluanana waktu nénjo siksaan. Kami masangkeun belenggu dina beuheung jalma-jalma kapir. Lain maranéhna téh moal diwales iwal ti ku wawales anu saluyu jeung sagala rupa anu geus dilakukeun ku maranéhna?

وَمَآ اَرْسَلْنَا فِيْ قَرْيَةٍ مِّنْ نَّذِيْرٍ اِلَّا قَالَ مُتْرَفُوْهَآ ۙاِنَّا بِمَآ اُرْسِلْتُمْ بِهٖ كٰفِرُوْنَ٣٤
Wa mā arsalnā min qaryatim min nażīrin illā qāla mutrafūhā, innā bimā ursiltum bihī kāfirūn(a).
[34] Teu pati-pati Kami ngutus hiji jalma pikeun nganaséhatan (ka pangeusi) hiji nagri, kajaba jalma-jalma nu hirup méwah (di éta nagri) nyarita kieu, “Saenyana kuring saréréa teu percaya kana naon nu dibawa ku anjeun (salaku rosul).”

وَقَالُوْا نَحْنُ اَكْثَرُ اَمْوَالًا وَّاَوْلَادًاۙ وَّمَا نَحْنُ بِمُعَذَّبِيْنَ٣٥
Wa qālū naḥnu akṡaru amwālaw wa aulādā(n), wa mā naḥnu bimu‘ażżabīn(a).
[35] Maranéhna nyarita ogé, “Kuring saréréa leuwih beunghar ku harta banda jeung anak (tibatan anjeun), jeung kuring saréréa sama sakali moal bakal ditibanan siksaan.” 736
736) Ku kituna, jalma-jalma kapir meunang ni’mat nu pohara gedéna di dunya, mangka maranéhna ngarasa moal meunang siksaan di ahérat.

قُلْ اِنَّ رَبِّيْ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٣٦
Qul inna rabbī yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdiru wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[36] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana Pangéran kuring ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna, tapi lolobana manusa téh henteu nyahoeun.”

وَمَآ اَمْوَالُكُمْ وَلَآ اَوْلَادُكُمْ بِالَّتِيْ تُقَرِّبُكُمْ عِنْدَنَا زُلْفٰىٓ اِلَّا مَنْ اٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًاۙ فَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ جَزَاۤءُ الضِّعْفِ بِمَا عَمِلُوْا وَهُمْ فِى الْغُرُفٰتِ اٰمِنُوْنَ٣٧
Wa mā amwālukum wa lā aulādukum bil-latī tuqarribukum ‘indanā zulfā illā man āmana wa ‘amila ṣāliḥā(n), fa'ulā'ika lahum jazā'uḍ-ḍi‘fi bimā ‘amilū wa hum fil-gurufāti āminūn(a).
[37] Lain harta banda atawa anak-anak maranéh anu ngadeukeutkeun maranéh ka Kami sadeukeut-deukeutna, tapi jalma anu iman tur milampah amal soléh. Nya pikeun aranjeunna mah wawales (ganjaran) anu mangtikel-tikel ku lantaran sagala rupa anu geus dilakukeun ku aranjeunna. Aranjeunna ngarasa tengtrem di tempat-tempat anu luhur (di jero sawarga).

وَالَّذِيْنَ يَسْعَوْنَ فِيْٓ اٰيٰتِنَا مُعٰجِزِيْنَ اُولٰۤىِٕكَ فِى الْعَذَابِ مُحْضَرُوْنَ٣٨
Wal-lażīna yas‘auna fī āyātinā mu‘ājizīna ulā'ika fil-‘ażābi muḥḍarūn(a).
[38] Jalma-jalma nu ngupayakeun (mungpang) kana ayat-ayat Kami bakal nganggap bisa leupas tina siksaan Kami. Maranéhna bakal digebruskeun kana jero siksaan (naraka).

قُلْ اِنَّ رَبِّيْ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ وَيَقْدِرُ لَهٗ ۗوَمَآ اَنْفَقْتُمْ مِّنْ شَيْءٍ فَهُوَ يُخْلِفُهٗ ۚوَهُوَ خَيْرُ الرّٰزِقِيْنَ٣٩
Qul inna rabbī yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u min ‘ibādihī wa yaqdiru lah(ū), wa mā anfaqtum min syai'in fahuwa yukhlifuh(ū), wa huwa khairur-rāziqīn(a).
[39] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saleresna Allah ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki ka saha baé nu dikersakeun ti antara hamba-hamba-Na. Naon baé nu diinpakkeun ku aranjeun, tangtu Allah bakal ngagentosan. Nya Mantenna pangsaé-saéna nu masihan rejeki.”

وَيَوْمَ يَحْشُرُهُمْ جَمِيْعًا ثُمَّ يَقُوْلُ لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اَهٰٓؤُلَاۤءِ اِيَّاكُمْ كَانُوْا يَعْبُدُوْنَ٤٠
Wa yauma yaḥsyuruhum jamī‘an ṡumma yaqūlu lil-malā'ikati ahā'ulā'i iyyākum kānū ya‘budūn(a).
[40] (Sing inget kana) poéan nalika Allah ngumpulkeun maranéh sakabéh, tuluy Mantenna ngadawuh ka para malaikat, “Naha ieu téh jalma-jalma anu kungsi nyembah ka maranéh?”

قَالُوْا سُبْحٰنَكَ اَنْتَ وَلِيُّنَا مِنْ دُوْنِهِمْ ۚبَلْ كَانُوْا يَعْبُدُوْنَ الْجِنَّ اَكْثَرُهُمْ بِهِمْ مُّؤْمِنُوْنَ٤١
Qālū subḥānaka anta waliyyunā min dūnihim, bal kānū ya‘budūnal-jinna akṡaruhum bihim mu'minūn(a).
[41] Para malaikat ngajawab, “Mahasuci Gusti. Gusti téh anu nangtayungan abdi sadaya, sanés maranéhna. Saleresna mah maranéhna téh salilana nyembah ka Jin 737 (jeung) lolobana ti maranéhna téh iman ka Jin.”
737) Jin anu doraka téh nyaéta sétan.

فَالْيَوْمَ لَا يَمْلِكُ بَعْضُكُمْ لِبَعْضٍ نَّفْعًا وَّلَا ضَرًّا ۗوَنَقُوْلُ لِلَّذِيْنَ ظَلَمُوْا ذُوْقُوْا عَذَابَ النَّارِ الَّتِيْ كُنْتُمْ بِهَا تُكَذِّبُوْنَ٤٢
Fal-yauma lā yamliku ba‘ḍukum liba‘ḍin naf‘aw wa ḍarrā(n), wa naqūlu lil-lażīna ẓalamū żūqū ‘ażāban-nāril-latī kuntum bihā tukażżibūn(a).
[42] Dina ieu poé sawaréh ti antara maranéh henteu kawasa pikeun (ngadatangkeun) mangpa’at jeung (nolak) madarat ka nu sawaréhna deui. Kami ngadawuh ka jalma-jalma nu dolim, “Pék geura rasakeun ku maranéh siksaan naraka anu baheula ku maranéh sok dibohongkeun!”

وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا بَيِّنٰتٍ قَالُوْا مَا هٰذَآ اِلَّا رَجُلٌ يُّرِيْدُ اَنْ يَّصُدَّكُمْ عَمَّا كَانَ يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُكُمْ ۚوَقَالُوْا مَا هٰذَآ اِلَّآ اِفْكٌ مُّفْتَرًىۗ وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَهُمْۙ اِنْ هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ٤٣
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyinātin qālū mā hāżā illā rajuluy yurīdu ay yaṣuddakum ‘ammā kāna ya‘budu ābā'ukum, wa qālū mā hāżā illā ifkum muftarā(n), wa qālal-lażīna kafarū lil-ḥaqqi lammā jā'ahum, in hāżā illā siḥrum mubīn(un).
[43] Upama dibacakeun ka maranéhna ayat-ayat Kami nu tétéla, pok maranéhna nyarita, “Ieu mah taya lian iwal ti hiji jalma anu hayang ngahalang-halang maranéh kana sagala rupa anu disembah ku karuhun-karuhun maranéh.” Maranéhna nyarita, “Ieu (Al-Quran) téh taya lian kajaba kabohongan anu dijieun-jieun.” Jalma-jalma nu kupur kana bebeneran nyarita ngeunaan bebeneran (Al-Qur’an) waktu datang ka maranéhna, “Taya lian ieu mah iwal ti sihir anu jelas pisan.”

وَمَآ اٰتَيْنٰهُمْ مِّنْ كُتُبٍ يَّدْرُسُوْنَهَا وَمَآ اَرْسَلْنَآ اِلَيْهِمْ قَبْلَكَ مِنْ نَّذِيْرٍۗ٤٤
Wa mā ātaināhum min kutubiy yadrusūnahā wa mā arsalnā ilaihim qablaka min nażīr(in).
[44] Kami henteu kungsi méré kitab naon ogé ka maranéhna (kapir-kapir Mekah) anu dibaca (saméméh Al-Qur’an), jeung deui Kami henteu kungsi ngirimkeun ka maranéhna saurang ogé nu méré pépéling saméméh hidep (Muhammad).

وَكَذَّبَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۙ وَمَا بَلَغُوْا مِعْشَارَ مَآ اٰتَيْنٰهُمْ فَكَذَّبُوْا رُسُلِيْۗ فَكَيْفَ كَانَ نَكِيْرِ ࣖ٤٥
Wa każżabal-lażīna min qablihim, wa mā balagū mi‘syāra mā ātaināhum fakażżabū rusulī, fakaifa kāna nakīr(i).
[45] Jalma-jalma nu saméméh maranéhna (kapir-kapir Mekah) téh geus ngabohongkeun (ka para rasul). Padahal maranéhna téh tacan kungsi narima sapersapuluhna-sapersapuluhna acan tina naon-naon (ni’mat) 738 anu dikurniakeun ku Kami ka jalma-jalma baheula, malah maranéhna téh ngabohongkeun ka para rasul Kami. Ku kituna, (tempo) pisakumahaeun teuing rongkahna akibat bebendon Kami.
738) Allah maparin kapinteran, kawijaksanaan, pangaweruh élmu nu luhung, yuswa nu panjang, kakuatan jasmani, kakayaan harta banda, jeung sajabana.

۞ قُلْ اِنَّمَآ اَعِظُكُمْ بِوَاحِدَةٍۚ اَنْ تَقُوْمُوْا لِلّٰهِ مَثْنٰى وَفُرَادٰى ثُمَّ تَتَفَكَّرُوْاۗ مَا بِصَاحِبِكُمْ مِّنْ جِنَّةٍۗ اِنْ هُوَ اِلَّا نَذِيْرٌ لَّكُمْ بَيْنَ يَدَيْ عَذَابٍ شَدِيْدٍ٤٦
Qul innamā a‘iẓukum biwāḥidah(tin), an taqūmū lillāhi maṡnā wa furādā ṡumma tatafakkarū, mā biṣāḥibikum min jinnah(tin), in huwa illā nażīrul lakum baina yadai ‘ażābin syadīd(in).
[46] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring rék nganaséhatan aranjeun ku saperkara baé, (nyaéta) supaya geura madep karana Allah (kalayan ihlas) boh duaan-duaan boh saurang-saurang, 739 tuluy pék geura mikiran (ngeunaan Muhammad). Éta batur aranjeun téh teu ngabogaan panyakit gélo saeutik ogé di. Anjeunna téh taya lian anging méré pépéling ka aranjeun yén di hareupeun aranjeun aya siksaan anu rongkah.”
739) ”Duaan-duaan atawa sorangan-sorangan” maksudna nyaéta waktu ngadeuheus ka Allah, tuluy neuleuman kaayaan Nabi Muhammad Saw. alusna dilakukeun keur kaayaan tenang, teu dilakukeun waktu kaayaan ramé.

قُلْ مَا سَاَلْتُكُمْ مِّنْ اَجْرٍ فَهُوَ لَكُمْۗ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلَى اللّٰهِ ۚوَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ٤٧
Qul mā sa'altukum min ajrin fahuwa lakum, in ajriya illā ‘alallāh(i), wa huwa ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[47] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Buruh nu ku kuring dipénta ti aranjeun (tina ieu ajakan) téh taya lian anging pikeun aranjeun sorangan. 740 Buruh keur kuring mah taya lian anging ti Allah. Da Mantenna Maha Nyakseni kana sagala perkara.”
740) Rasulullah Saw. teu pisan-pisan ménta buruh ka maranéhna. Nanging anu dipénta ku anjeunna mah nyaéta maranéh iman ka Allah. Éta iman téh pikeun kaalusan maranéhna sorangan.

قُلْ اِنَّ رَبِّيْ يَقْذِفُ بِالْحَقِّۚ عَلَّامُ الْغُيُوْبِ٤٨
Qul inna rabbī yaqżifu bil-ḥaqq(i), ‘allāmul-guyūb(i).
[48] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saleresna Pangéran kuring anu ngababét (kabatilan) ku bebeneran. Mantenna Mahauninga kana sagala perkara anu gaib.”

قُلْ جَاۤءَ الْحَقُّ وَمَا يُبْدِئُ الْبَاطِلُ وَمَا يُعِيْدُ٤٩
Qul jā'al-ḥaqqu wa mā yubdi'ul-bāṭilu wa mā yu‘īd(u).
[49] Pék caritakeun ku hidep, “Bebeneran geus datang. Anu batil moal bisa dimimitian jeung moal bisa dibalikkeun deui.” 741
741) Upama bebeneran geus datang, mangka kabatilan bakal ancur tur moal bisa ngalawan jeung ngaruntuhkeun bebeneran.

قُلْ اِنْ ضَلَلْتُ فَاِنَّمَآ اَضِلُّ عَلٰى نَفْسِيْۚ وَاِنِ اهْتَدَيْتُ فَبِمَا يُوْحِيْٓ اِلَيَّ رَبِّيْۗ اِنَّهٗ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ٥٠
Qul in ḍalaltu fa'innamā aḍillu ‘alā nafsī, wa inihtadaitu fabimā yūḥī ilayya rabbī, innahū samī‘un qarīb(un).
[50] Pék caritakeun ku hidep, “Upama kuring sasar, nya saenyana taya lian sasarna téh keur kamadorotan diri kuring sorangan. Upama kuring meunang pituduh, nya éta téh ku sabab naon anu diwahyukeun ku Pangéran ka kuring. Saleresna Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Mahadeukeut.”

وَلَوْ تَرٰىٓ اِذْ فَزِعُوْا فَلَا فَوْتَ وَاُخِذُوْا مِنْ مَّكَانٍ قَرِيْبٍۙ٥١
Wa lau tarā iż fazi‘ū falā fauta wa ukhiżū mim makānin qarīb(in).
[51] (Pohara pikasieuneun) upama hidep nénjo waktu maranéhna (jalma-jalma kapir) ngarénjag sieuneun (dina Poé Kiamat). Maranéhna moal bisa ngaleupaskan diri jeung dicokot ti tempat anu deukeut (pikeun diséréd ka naraka).

وَّقَالُوْٓا اٰمَنَّا بِهٖۚ وَاَنّٰى لَهُمُ التَّنَاوُشُ مِنْ مَّكَانٍۢ بَعِيْدٍۚ٥٢
Wa qālū āmannā bih(ī), wa annā lahumut-tanāwusyu mim makānim ba‘īd(in).
[52] (Dina waktu éta) maranéhna nyarita, “Urang saréréa iman kana bebeneran.” Tapi, kumaha bisana (di ahérat) maranéhna ngahontal kaimanan (kalayan gampang) ti tempat anu jauh (dunya pana)? 742
742) Sanggeus maranéhna nénjo rongkahna siksaan dina Poé Kiamat, kakara maranéhna daék iman ka Allah jeung Rasul-Na, nya tempat kudu iman téh geus jauh nyaéta di alam dunya.

وَقَدْ كَفَرُوْا بِهٖ مِنْ قَبْلُۚ وَيَقْذِفُوْنَ بِالْغَيْبِ مِنْ مَّكَانٍۢ بَعِيْدٍۚ٥٣
Wa qad kafarū bihī min qabl(u), wa yaqżifūna bil-gaibi mim makānim ba‘īd(in).
[53] Tétéla maranéhna geus kupur kana bebeneran ti tadina (waktu di dunya), sarta maranéhna ngabohongkeun kana perkara gaib ti tempat nu jauh (di dunya).

وَحِيْلَ بَيْنَهُمْ وَبَيْنَ مَا يَشْتَهُوْنَۙ كَمَا فُعِلَ بِاَشْيَاعِهِمْ مِّنْ قَبْلُۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا فِيْ شَكٍّ مُّرِيْبٍ ࣖ٥٤
Wa ḥīla bainahum wa baina mā yasytahūn(a), kamā fu‘ila bi'asy-yā‘ihim min qabl(u), innahum fī syakkim murīb(in).
[54] Geus dihalangan antara maranéhna jeung rupa-rupa perkara anu dipikahayang 743 ku maranéhna, sakumaha kajadian ka jalma-jalma anu saperti maranéhna ti heula. Saenyana maranéhna téh ti baheula (di dunya) ogé aya dina kamangmangan anu pohara pisan.
743) u ku maranéhna dipikahayang téh nyaéta iman ka Allah atawa balik deui ka dunya pikeun ngalakukeun tobat.