Surah Al-Ahzab
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ اتَّقِ اللّٰهَ وَلَا تُطِعِ الْكٰفِرِيْنَ وَالْمُنٰفِقِيْنَ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلِيْمًا حَكِيْمًاۙ١
Yā ayyuhan-nabiyyuttaqillāha wa lā tuṭi‘il-kāfirīna wal-munāfiqīn(a), innallāha kāna ‘alīman ḥakīmā(n).
[1]
Hé Nabi, kudu takwa ka Allah jeung omat hidep ulah nurut kana (kahayang) jalma-jalma kupur jeung ka jalma-jalma anu munapék. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
وَّاتَّبِعْ مَا يُوْحٰىٓ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرًاۙ٢
Wattabi‘ mā yūḥā ilaika mir rabbik(a), innallāha kāna bimā ta‘malūna khabīrā(n).
[2]
Pék tuturkeun naon anu diwahyukeun Pangéran hidep ka hidep. Saleresna Allah téh Mahataliti kana naon anu dipilampah ku aranjeun.
وَّتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ وَكِيْلًا٣
Wa tawakkal ‘alallāh(i), wa kafā billāhi wakīlā(n).
[3]
Kudu tawekal ka Allah. Cukup Allah wungkul nu miara mah.
مَا جَعَلَ اللّٰهُ لِرَجُلٍ مِّنْ قَلْبَيْنِ فِيْ جَوْفِهٖ ۚوَمَا جَعَلَ اَزْوَاجَكُمُ الّٰـِٕۤيْ تُظٰهِرُوْنَ مِنْهُنَّ اُمَّهٰتِكُمْ ۚوَمَا جَعَلَ اَدْعِيَاۤءَكُمْ اَبْنَاۤءَكُمْۗ ذٰلِكُمْ قَوْلُكُمْ بِاَفْوَاهِكُمْ ۗوَاللّٰهُ يَقُوْلُ الْحَقَّ وَهُوَ يَهْدِى السَّبِيْلَ٤
Mā ja‘alallāhu lirajulim min qalbaini fī jaufih(ī), wa mā ja‘ala azwājakumul-lā'ī tuẓāhirūna minhunna ummahātikum, wa mā ja‘ala ad‘iyā'akum abnā'akum, żālikum qaulukum bi'afwāhikum, wallāhu yaqūlul-ḥaqqa wa huwa yahdis-sabīl(a).
[4]
Allah henteu ngajadikeun pikeun hiji jalma dua haté dina jero dadana, Mantenna henteu ngajadikeun pamajikan-pamajikan maranéh anu di-ẓihār 702 ku maranéh jadi indung maranéh, jeung Mantenna henteu ngajadikeun anak kukut maranéh jadi anak maranéh sorangan (pituin). Tah éta hal téh ngan omongan di sungut-sungut maranéh wungkul. Allah mah ngadawuh perkara nu hak sarta Mantenna nuduhkeun kana jalan (anu bener).
702) Ẓihגr nyaéta omongan salaki ka pamajikanana, “Tonggong manéh haram pikeun kaula sarua jeung tonggong indung kaula” atawa omongan séjén nu sarua maksudna. Geus jadi adat kabiasaan urang Arab Jahiliyah, upama ngomong jiga kitu ka pamajikanana téh, mangka pamajikanana téh haram salilana pikeun manéhna. Tapi sanggeus Islam datang, mangka “haram salilana” éta di-nasakh (dipupus) jeung pamajikan-pamajikanna bisa halal deui pikeun manéhna ku mayar kiparat (denda).
اُدْعُوْهُمْ لِاٰبَاۤىِٕهِمْ هُوَ اَقْسَطُ عِنْدَ اللّٰهِ ۚ فَاِنْ لَّمْ تَعْلَمُوْٓا اٰبَاۤءَهُمْ فَاِخْوَانُكُمْ فِى الدِّيْنِ وَمَوَالِيْكُمْ ۗوَلَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ فِيْمَآ اَخْطَأْتُمْ بِهٖ وَلٰكِنْ مَّا تَعَمَّدَتْ قُلُوْبُكُمْ ۗوَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا٥
Ud‘ūhum li'ābā'ihim huwa aqsaṭu ‘indallāh(i), fa illam ta‘lamū ābā'ahum fa ikhwānukum fid-dīni wa mawālīkum, wa laisa ‘alaikum junāḥun fīmā akhṭa'tum bihī wa lākim mā ta‘ammadat qulūbukum, wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[5]
Pék gero maranéhna (éta anak-anak kukut) kalayan (maké) ngaran bapana. Éta téh adil di mungguhing Allah mah. Upama aranjeun teu nyaho ka bapa maranéhna, (pék gero maranéhna téh minangka) jadi dulur-dulur saagama jeung mawla 703 aranjeun. Taya dosa keur aranjeun lamun aranjeun salah ngeunaan éta, tapi (nu aya dosaan) téh naon anu dihaja ku haté aranjeun. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
703) Maula-maula nyaéta abid nu geus dimerdékakeun atawa salah sahiji abdi anu geus diangkat jadi anak, saperti Salim anak angkat Huzaifah, katelah Maula Huzaifah.
اَلنَّبِيُّ اَوْلٰى بِالْمُؤْمِنِيْنَ مِنْ اَنْفُسِهِمْ وَاَزْوَاجُهٗٓ اُمَّهٰتُهُمْ ۗوَاُولُوا الْاَرْحَامِ بَعْضُهُمْ اَوْلٰى بِبَعْضٍ فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُهٰجِرِيْنَ اِلَّآ اَنْ تَفْعَلُوْٓا اِلٰٓى اَوْلِيَاۤىِٕكُمْ مَّعْرُوْفًا ۗ كَانَ ذٰلِكَ فِى الْكِتٰبِ مَسْطُوْرًا٦
An-nabiyyu aulā bil-mu'minīna min anfusihim wa azwājuhū ummahātuhum, wa ulul-arḥāmi ba‘ḍuhum aulā biba‘ḍin fī kitābillāhi minal-mu'minīna wal-muhājirīna illā an taf‘alū ilā auliyā'ikum ma‘rūfā(n), kāna żālika fil-kitābi masṭūrā(n).
[6]
Nabi téh leuwih utama pikeun jalma-jalma mu’min tibatan diri maranéhna sorangan 704 jeung istri-istri Nabi téh nyaéta saperti indung-indung maranéhna. Jalma-jalma anu boga rundayan sagetih éta leuwih boga hak (pikeun silih ngawarisan) dina kitab Allah tibatan jalma-jalma mu’min jeung jalma-jalma Muhajirin, kajaba upama aranjeun rék nyarieun kahadéan 705 ka dulur-dulur aranjeun (nu saagama). Éta hal téh geus katulis dina Kitab (Allah).
704) Jalma-jalma mu’min leuwih mikacinta ka nabina tibatan mikacinta ka dirina sorangan dina sagala perkara.
705) Ngalakukeun kahadéan di dieu téh nyaéta méré harta banda wasiat teu leuwih ti sapertilu harta.
وَاِذْ اَخَذْنَا مِنَ النَّبِيّٖنَ مِيْثَاقَهُمْ وَمِنْكَ وَمِنْ نُّوْحٍ وَّاِبْرٰهِيْمَ وَمُوْسٰى وَعِيْسَى ابْنِ مَرْيَمَ ۖوَاَخَذْنَا مِنْهُمْ مِّيْثَاقًا غَلِيْظًاۙ٧
Wa iż akhażnā minan-nabiyyīna mīṡāqahum wa minka wa min nūḥiw wa ibrāhīma wa mūsā wa ‘īsabni maryam(a), wa akhażnā minhum mīṡāqan galīẓā(n).
[7]
(Sing inget) nalika Kami ngayakeun perjangjian ti para nabi, ti hidep (Muhammad), ti Nuh, ti Ibrahim, ti Musa, jeun ti Isa, putrana Maryam. Kami geus ngayakeun ti aranjeunna perjangjian anu pageuh, 706
706) Kasanggupan nepikeun pépéling agama ka tiap umatna.
لِّيَسْـَٔلَ الصّٰدِقِيْنَ عَنْ صِدْقِهِمْ ۚوَاَعَدَّ لِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابًا اَلِيْمًا ࣖ٨
Liyas'alaṣ-ṣādiqīna ‘an ṣidqihim, wa a‘adda lil-kāfirīna ‘ażāban alīmā(n).
[8]
sangkan Mantenna nanya ka jalma-jalma anu bener ngeunaan bebeneran aranjeunna. 707 Mantenna nyadiakeun siksa anu peurih pikeun jalma-jalma kapir.
707) Dina Poé Kiamat Allah bakal nanya ka para rasul nepi ka mana usaha aranjeunna nepikeun pépéling ka umatna jeung nepi ka mana umatna ngalaksanakeun pépéling éta.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اذْكُرُوْا نِعْمَةَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ اِذْ جَاۤءَتْكُمْ جُنُوْدٌ فَاَرْسَلْنَا عَلَيْهِمْ رِيْحًا وَّجُنُوْدًا لَّمْ تَرَوْهَا ۗوَكَانَ اللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرًاۚ٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanużkurū ni‘matallāhi ‘alaikum iż jā'atkum junūdun fa'arsalnā ‘alaihim rīḥaw wa junūdal lam tarauhā, wa kānallāhu bimā ta‘malūna baṣīrā(n).
[9]
Hé jalma-jalma anu iman, sing inget kana ni’mat Allah (nu geus dipaparinkeun) ka aranjeun waktu bala tentara musuh datang ka aranjeun, tuluy Kami ngirimkeun ka maranéhna angin topan jeung bala tentara (malaikat) anu henteu katingali ku aranjeun. 708 Allah Maha Ningali kana naon anu dipilampah ku aranjeun.
708) Ayat ieu ngajelaskeun kisah Aḥzāb, nyaéta golongan-golongan anu diancurkeun dina perang Khandaq ku lantaran mungpang paréntah Allah jeung Rasul-Na. Nu dimaksud wadyabalad nu teu bisa ditempo ku maranéh nyaéta para malaikat nu ngahaja didatangkeun ku Allah pikeun ngancurkeun musuh-musuh Allah.
اِذْ جَاۤءُوْكُمْ مِّنْ فَوْقِكُمْ وَمِنْ اَسْفَلَ مِنْكُمْ وَاِذْ زَاغَتِ الْاَبْصَارُ وَبَلَغَتِ الْقُلُوْبُ الْحَنَاجِرَ وَتَظُنُّوْنَ بِاللّٰهِ الظُّنُوْنَا۠ ۗ١٠
Iż jā'ūkum min fauqikum wa min asfala minkum wa iż zāgatil-abṣāru wa balagatil-qulūbul-ḥanājira wa taẓunnūna billāhiẓ-ẓunūnā.
[10]
Waktu maranéhna datang ka aranjeun ti lebah luhur jeung handapeun aranjeun, waktu titingalian (aranjeun) ngarasa hélok, haté aranjeun nyelek nepi kana genggerong, 709 jeung aranjeun boga sangkaan nu lain-lain ka Allah,
709) Ngajéntrékeun kumaha rongkahna rasa sieun nu kacida jeung rasa watir nu kacida dina wanci éta.
هُنَالِكَ ابْتُلِيَ الْمُؤْمِنُوْنَ وَزُلْزِلُوْا زِلْزَالًا شَدِيْدًا١١
Hunālikabtuliyal-mu'minūna wa zulzilū zilzālan syadīdā(n).
[11]
di dinya jalma-jalma mu'min téh diuji jeung dioyagkeun (haténa) ku oyagan nu kacida hébatna.
وَاِذْ يَقُوْلُ الْمُنٰفِقُوْنَ وَالَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ مَّا وَعَدَنَا اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗٓ اِلَّا غُرُوْرًا١٢
Wa iż yaqūlul-munāfiqūna wal-lażīna fī qulūbihim maraḍum mā wa‘adanallāhu wa rasūluhū illā gurūrā(n).
[12]
(Sing inget) nalika jalma-jalma munapék jeung jalma-jalma anu dina haténa aya panyakit nyarita, “Naon anu dijangjikeun Allah jeung Rasul-Na ka urang saréréa téh ngan wungkul tipuan.”
وَاِذْ قَالَتْ طَّاۤىِٕفَةٌ مِّنْهُمْ يٰٓاَهْلَ يَثْرِبَ لَا مُقَامَ لَكُمْ فَارْجِعُوْا ۚوَيَسْتَأْذِنُ فَرِيْقٌ مِّنْهُمُ النَّبِيَّ يَقُوْلُوْنَ اِنَّ بُيُوْتَنَا عَوْرَةٌ ۗوَمَا هِيَ بِعَوْرَةٍ ۗاِنْ يُّرِيْدُوْنَ اِلَّا فِرَارًا١٣
Wa iż qālat ṭā'ifatum minhum yā ahla yaṡriba lā muqāma lakum farji‘ū, wa yasta'żinu farīqum minhumun-nabiyya yaqūlūna inna buyūtanā ‘aurah(tun), wa mā hiya bi‘aurah(tin), iy yurīdūna illā firārā(n).
[13]
(Sing inget) nalika sagolongan ti antara maranéhna nyarita, “Hé urang Yasrib (Madinah), taya tempat pikeun maranéh. Mangka, jung maranéh geura balik!” Sawaréh ti antara maranéhna ménta idin ka Nabi (pikeun mulang) bari nyarita, “Saleresna rorompok abdi sadaya téh mararuka (taya nu ngajaga).” Padahal, éta imah-imah téh henteu maruka. Maranéhna mah ngan wungkul hayang kabur (ti pangperangan).
وَلَوْ دُخِلَتْ عَلَيْهِمْ مِّنْ اَقْطَارِهَا ثُمَّ سُىِٕلُوا الْفِتْنَةَ لَاٰتَوْهَا وَمَا تَلَبَّثُوْا بِهَآ اِلَّا يَسِيْرًا١٤
Wa lau dukhilat ‘alaihim min aqṭārihā ṡumma su'ilul-fitnata la'ātauhā wa mā talabbaṡū bihā illā yasīrā(n).
[14]
Upama (Yasrib) diserang ti unggal juru, tuluy maranéhna dipénta sangkan ngalakukeun pitnah, tangtu maranéhna téh ngalakukeunana. Maranéhna teu ngaengkékeun éta paménta, kajaba ukur sakeudeung.
وَلَقَدْ كَانُوْا عَاهَدُوا اللّٰهَ مِنْ قَبْلُ لَا يُوَلُّوْنَ الْاَدْبَارَ ۗوَكَانَ عَهْدُ اللّٰهِ مَسْـُٔوْلًا١٥
Wa laqad kānū ‘āhadullāha min qablu lā yuwallūnal-adbār(a), wa kāna ‘ahdullāhi mas'ūlā(n).
[15]
Sabenerna maranéhna saméméhna bener-bener geus jangji ka Allah moal rék malik ka tukang (mundur). Perjangjian jeung Allah bakal dipénta pertanggung jawabanana.
قُلْ لَّنْ يَّنْفَعَكُمُ الْفِرَارُ اِنْ فَرَرْتُمْ مِّنَ الْمَوْتِ اَوِ الْقَتْلِ وَاِذًا لَّا تُمَتَّعُوْنَ اِلَّا قَلِيْلًا١٦
Qul lay yanfa‘akumul-firāru in farartum minal-mauti awil-qatli wa iżal lā tumatta‘ūna illā qalīlā(n).
[16]
Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Éta lumpat téh moal aya gunana pikeun aranjeun waktu aranjeun lumpat tina maot atawa maéhan. Lamun mah kitu, aranjeun moal ngasaan kasenangan, kajaba ngan sakeudeung.”
قُلْ مَنْ ذَا الَّذِيْ يَعْصِمُكُمْ مِّنَ اللّٰهِ اِنْ اَرَادَ بِكُمْ سُوْۤءًا اَوْ اَرَادَ بِكُمْ رَحْمَةً ۗوَلَا يَجِدُوْنَ لَهُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًا١٧
Qul man żal-lażī ya‘ṣimukum minallāhi in arāda bikum sū'an au arāda bikum raḥmah(tan), wa lā yajidūna lahum min dūnillāhi waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[17]
Pék caritakeun, “Saha anu bisa maparin panyalindungan ka aranjeun tina (katangtuan) Allah upama Mantenna ngersakeun cocoba ka aranjeun atawa Mantenna ngersakeun rahmat ka aranjeun?” Maranéhna moal meunang nu maparin panyalindungan jeung nu nulungan jeung lian ti Allah mah.”
۞ قَدْ يَعْلَمُ اللّٰهُ الْمُعَوِّقِيْنَ مِنْكُمْ وَالْقَاۤىِٕلِيْنَ لِاِخْوَانِهِمْ هَلُمَّ اِلَيْنَا ۚوَلَا يَأْتُوْنَ الْبَأْسَ اِلَّا قَلِيْلًاۙ١٨
Qad ya‘lamullāhul-mu‘awwiqīna minkum wal-qā'ilīna li'ikhwānihim halumma ilainā, wa lā ya'tūnal-ba'sa illā qalīlā(n).
[18]
Saleresna Allah Uninga ka anu ngahalang-halang (pikeun perang) ti (golongan) maranéh jeung jalma anu nyarita ka batur-baturna, “Hayu babarengan jeung urang.” Maranéhna henteu datang pikeun perang, kajaba ngan sakeudeung.
اَشِحَّةً عَلَيْكُمْ ۖ فَاِذَا جَاۤءَ الْخَوْفُ رَاَيْتَهُمْ يَنْظُرُوْنَ اِلَيْكَ تَدُوْرُ اَعْيُنُهُمْ كَالَّذِيْ يُغْشٰى عَلَيْهِ مِنَ الْمَوْتِۚ فَاِذَا ذَهَبَ الْخَوْفُ سَلَقُوْكُمْ بِاَلْسِنَةٍ حِدَادٍ اَشِحَّةً عَلَى الْخَيْرِۗ اُولٰۤىِٕكَ لَمْ يُؤْمِنُوْا فَاَحْبَطَ اللّٰهُ اَعْمَالَهُمْۗ وَكَانَ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرًا١٩
Asyiḥḥatan ‘alaikum, fa iżā jā'al-khaufu ra'aitahum yanẓurūna ilaika tadūru a‘yunuhum kal-lażī yugsyā ‘alaihi minal-maut(i), fa iżā żahabal-khaufu salaqūkum bi'alsinatin ḥidādin asyiḥḥatan ‘alal-khair(i), ulā'ika lam yu'minū fa aḥbaṭallāhu a‘mālahum, wa kāna żālika ‘alallāhi yasīrā(n).
[19]
Maranéhna (kaom munapék) téh korét ka aranjeun. Waktu datang kasieun (bahaya), anjeun nempo maranéhna melong ke anjeun téh ku panon nu mureleng cara jalma anu pingsan ku sabab rék paéh. Upama kasieunna geus leungit, maranéhna ngahina aranjeun ku létah anu seukeut, sedengkeun maranéhna téh korét pikeun ngalakukeun kahadéan. Maranéhna téh henteu iman, nya Allah mupus amal maranéhna. Éta perkara nu kitu téh gampang pisan pikeun Allah mah.
يَحْسَبُوْنَ الْاَحْزَابَ لَمْ يَذْهَبُوْا ۚوَاِنْ يَّأْتِ الْاَحْزَابُ يَوَدُّوْا لَوْ اَنَّهُمْ بَادُوْنَ فِى الْاَعْرَابِ يَسْاَلُوْنَ عَنْ اَنْۢبَاۤىِٕكُمْ ۗوَلَوْ كَانُوْا فِيْكُمْ مَّا قٰتَلُوْٓا اِلَّا قَلِيْلًا ࣖ٢٠
Yaḥsabūnal-aḥzāba lam yażhabū, wa iy ya'til aḥzābu yawaddū lau annahum bādūna fil a‘rābi yas'alūna ‘an ambā'ikum, wa lau kānū fīkum mā qātalū illā qalīlā(n).
[20]
Maranéhna nyangka (yén) golongan-golongan (anu sakongkol) téh tacan indit. Upama éta golongan-golongan téh datang deui, maranéhna pasti miharep sangkan aya di kampung-kampung babarengan jeung urang Arab Badawi, bari nanyakeun béja ngeunaan aranjeun. Upama maranéhna aya babarengan jeung aranjeun, tangtu maranéhna téh moal rék perang, kajaba ngan sakeudeung.
لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِيْ رَسُوْلِ اللّٰهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللّٰهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللّٰهَ كَثِيْرًاۗ٢١
Laqad kāna lakum fī rasūlillāhi uswatun ḥasanatul liman kāna yarjullāha wal yaumal ākhira wa żakarallāha kaṡīrā(n).
[21]
Sabenerna dina (diri) Rasulullah téh bener-bener aya picontoeun anu hadé pikeun aranjeun, (nyaéta) pikeun jalma anu miharep (rahmat) Allah jeung (datangna) Poé Kiamat sarta nu loba inget ka Allah.
وَلَمَّا رَاَ الْمُؤْمِنُوْنَ الْاَحْزَابَۙ قَالُوْا هٰذَا مَا وَعَدَنَا اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗ وَصَدَقَ اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗ ۖوَمَا زَادَهُمْ اِلَّآ اِيْمَانًا وَّتَسْلِيْمًاۗ٢٢
Wa lammā ra'al-mu'minūnal-aḥzāb(a), qālū hāżā mā wa‘adanallāhu wa rasūluhū wa ṣadaqallāhu wa rasūluh(ū), wa mā zādahum illā īmānaw wa taslīmā(n).
[22]
Waktu jalma-jalma mu’min ningali golongan-golongan (nu sakongkol), aranjeunna nyarios, “Nya ieu anu dijangjikeun Allah jeung Rasul-Na ka urang saréréa téh, 710 Éstu bener Allah jeung Rasul-Na téh. (Éta hal téh) justru beuki nambahan iman jeung Islam aranjeunna.
710) Nu dijangjikeun Allah sinareng Rasul-Na nyaéta meunang pangalaman anu hésé.
مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ رِجَالٌ صَدَقُوْا مَا عَاهَدُوا اللّٰهَ عَلَيْهِ ۚ فَمِنْهُمْ مَّنْ قَضٰى نَحْبَهٗۙ وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّنْتَظِرُ ۖوَمَا بَدَّلُوْا تَبْدِيْلًاۙ٢٣
Minal-mu'minīna rijālun ṣadaqū mā ‘āhadullāha ‘alaih(i), faminhum man qaḍā naḥbah(ū), wa minhum may yantaẓir(u), wa mā baddalū tabdīlā(n).
[23]
Ti antara jalma-jalma mu’min aya jalma-jalma nu nyumponan kana naon anu geus dijangjikeun aranjeunna ka Allah. Ti antara aranjeunna aya anu ngantunkeun (maot) jeung ti antara aranjeunna aya (ogé) nu ngantos-ngantos. 711 Aranjeunna sakedik ogé teu ngarobah (jangjina),
711) Ngadagoan naon baé nu ku Pangéran dijangjikeun ka anjeunna.
لِّيَجْزِيَ اللّٰهُ الصّٰدِقِيْنَ بِصِدْقِهِمْ وَيُعَذِّبَ الْمُنٰفِقِيْنَ اِنْ شَاۤءَ اَوْ يَتُوْبَ عَلَيْهِمْ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًاۚ٢٤
Liyajziyallāhuṣ-ṣādiqīna biṣidqihim wa yu‘ażżibal-munāfiqīna in syā'a au yatūba ‘alaihim, innallāha kāna gafūrar raḥīmā(n).
[24]
sangkan Allah maparin pangwales ka jalma-jalma anu bener ku sabab bebeneranana jeung nyiksa jalma munapék upama Mantenna ngersakeun atawa nampi tobat maranéhna. Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَرَدَّ اللّٰهُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِغَيْظِهِمْ لَمْ يَنَالُوْا خَيْرًا ۗوَكَفَى اللّٰهُ الْمُؤْمِنِيْنَ الْقِتَالَ ۗوَكَانَ اللّٰهُ قَوِيًّا عَزِيْزًاۚ٢٥
Wa raddallāhul-lażīna kafarū bigaiẓihim lam yanālū khairā(n), wa kafallāhul-mu'minīnal-qitāl(a), wa kānallāhu qawiyyan ‘azīzā(n).
[25]
Allah ngusir jalma-jalma kapir dina kaayaan haté maranéhna pinuh ku rasa jéngkel. Maranéhna henteu pisan-pisan meunang kauntungan. Cukup Allah (nu ngahindarkeun) jalma-jalma mu’min ti pangperangan. 712 Allah Mahakuat tur Mahagagah.
712) Dina poé perang Khandaq, jalma-jalma mu’min teu perang, ku sabab Allah ngagebah maranéhna ku ngintun angin jeung malaikat.
وَاَنْزَلَ الَّذِيْنَ ظَاهَرُوْهُمْ مِّنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ مِنْ صَيَاصِيْهِمْ وَقَذَفَ فِيْ قُلُوْبِهِمُ الرُّعْبَ فَرِيْقًا تَقْتُلُوْنَ وَتَأْسِرُوْنَ فَرِيْقًاۚ٢٦
Wa anzalal-lażīna ẓāharūhum min ahlil-kitābi min ṣayāṣīhim wa qażafa fī qulūbihimur-ru‘ba farīqan taqtulūna wa ta'sirūna farīqā(n).
[26]
Mantenna nurunkeun jalma-jalma Ahli Kitab (Bani Quraizah) anu mantuan maranéhna (golongan-golongan anu sakongkol) tina bénténg-bénténg maranéhna. Mantenna ngalungkeun rasa sieun kana haté maranéhna. Sawaréh ti maranéhna dipaéhan ku aranjeun jeung sawaréh deui ditawan ku aranjeun. 713
713) Sanggeus golongan-golongan nu sakongkol kalabur, Allah miwarang Nabi Muhammad Saw. ngancurkeun Bani Quraizah (Ahli Kitab) jeung ngusir maranéhna ti bénténg-bénténgna, tuluy sakabéh lalaki anu milu perang jeung maranéhna dipaéhan, sedengkeun awéwé-awéwé jeung barudak ditahan.
وَاَوْرَثَكُمْ اَرْضَهُمْ وَدِيَارَهُمْ وَاَمْوَالَهُمْ وَاَرْضًا لَّمْ تَطَـُٔوْهَا ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرًا ࣖ٢٧
Wa auraṡakum arḍahum wa diyārahum wa amwālahum wa arḍal lam taṭa'ūhā, wa kānallāhu ‘alā kulli syai'in qadīrā(n).
[27]
Mantenna ngawariskeun ka aranjeun lahan-lahan, imah-imah, harta banda maranéhna, jeung lahan nu tacan kungsi katincak ku aranjeun. 714 Allah Mahakawasa kana sagala pekara.
714) Wewengkon-wewengkon anu rék diasupan bala tentara Islam.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ قُلْ لِّاَزْوَاجِكَ اِنْ كُنْتُنَّ تُرِدْنَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا وَزِيْنَتَهَا فَتَعَالَيْنَ اُمَتِّعْكُنَّ وَاُسَرِّحْكُنَّ سَرَاحًا جَمِيْلًا٢٨
Yā ayyuhan-nabiyyu qul li'azwājika in kuntunna turidnal-ḥayātad-dun-yā wa zīnatahā fa ta‘ālaina umatti‘kunna wa usarriḥkunna sarāḥan jamīlā(n).
[28]
Hé Nabi, pok caritakeun ka garwa-garwa hidep, “Upama aranjeun miharep kahirupan dunya jeung perhiasanana, nya heug ka dieu ku kuring dipaparinan mut’ah 715 keur aranjeun jeung kuring rék mirak aranjeun ku cara anu hadé.
715) Wewengkon-wewengkon anu rék diasupan bala tentara Islam.
وَاِنْ كُنْتُنَّ تُرِدْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَالدَّارَ الْاٰخِرَةَ فَاِنَّ اللّٰهَ اَعَدَّ لِلْمُحْسِنٰتِ مِنْكُنَّ اَجْرًا عَظِيْمًا٢٩
Wa in kuntunna turidnallāha wa rasūlahū wad-dāral-ākhirata fa innallāha a‘adda lil-muḥsināti minkunna ajran ‘aẓīmā(n).
[29]
Upama aranjeun miharep Allah jeung Rasul-Na, sarta nagri ahérat, sabenerna Allah nyadiakeun pahala nu gedé pikeun saha baé anu ngalakukeun kahadéan ti antara aranjeun.”
يٰنِسَاۤءَ النَّبِيِّ مَنْ يَّأْتِ مِنْكُنَّ بِفَاحِشَةٍ مُّبَيِّنَةٍ يُّضٰعَفْ لَهَا الْعَذَابُ ضِعْفَيْنِۗ وَكَانَ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرًا ۔٣٠
Yā nisā'an-nabiyyi may ya'ti minkunna bifāḥisyatim mubayyinatiy yuḍā‘af lahal-‘ażābu ḍi‘fain(i), wa kāna żālika ‘alallāhi yasīrā(n).
[30]
Hé garwa-garwa Nabi, saha baé ti antara aranjeun nu ngalakukeun pagawéan jahat anu nyata, pasti siksaanana bakal ditikel-tikel dua kali lipet ka anjeunna. Éta perkara téh gampang pisan pikeun Allah.
۞ وَمَنْ يَّقْنُتْ مِنْكُنَّ لِلّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَتَعْمَلْ صَالِحًا نُّؤْتِهَآ اَجْرَهَا مَرَّتَيْنِۙ وَاَعْتَدْنَا لَهَا رِزْقًا كَرِيْمًا٣١
Wa may yaqnut minkunna lillāhi wa rasūlihī wa ta‘mal ṣāliḥan nu'tihā ajrahā marratain(i), wa a‘tadnā lahā rizqan karīmā(n).
[31]
Saha baé ti antara aranjeun (garwa-garwa Nabi) nu tetep ta'at ka Allah jeung ka Rasul-Na sarta migawé kahadéan, tangtu Kami maparin ganjaran dua tikeleun ka anjeunna, sarta Kami nyadiakeun keur anjeunna rejeki anu mulya.
يٰنِسَاۤءَ النَّبِيِّ لَسْتُنَّ كَاَحَدٍ مِّنَ النِّسَاۤءِ اِنِ اتَّقَيْتُنَّ فَلَا تَخْضَعْنَ بِالْقَوْلِ فَيَطْمَعَ الَّذِيْ فِيْ قَلْبِهٖ مَرَضٌ وَّقُلْنَ قَوْلًا مَّعْرُوْفًاۚ٣٢
Yā nisā'an-nabiyyi lastunna ka'aḥadim minan-nisā'i inittaqaitunna falā takhḍa‘na bil-qauli fa yaṭma‘al-lażī fī qalbihī maraḍuw wa qulna qaulam ma‘rūfā(n).
[32]
Hé garwa-garwa Nabi, aranjeun téh teu sarua jeung para wanoja nu séjén upama aranjeun takwa. Ku kituna, kadé ulah sok ngalalaunkeun sora (kalayan luway-liwey 716 nu dijieun-jieun) nepi ka (lalaki) anu dina haténa boga panyakit 717 bakal hudang birahina, tapi pék nyarita ku caritaan anu sopan.
716) yarita bari ngalakukeun laku lampah nu nimbulkeun batur ngalakukeun polah nu teu merenah ka aranjeun.
717) Jalma nu ngabogaan niat rék milampah sérong jeung awéwé séjén saperti ‘ngalakukeun jinah.
وَقَرْنَ فِيْ بُيُوْتِكُنَّ وَلَا تَبَرَّجْنَ تَبَرُّجَ الْجَاهِلِيَّةِ الْاُوْلٰى وَاَقِمْنَ الصَّلٰوةَ وَاٰتِيْنَ الزَّكٰوةَ وَاَطِعْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ ۗاِنَّمَا يُرِيْدُ اللّٰهُ لِيُذْهِبَ عَنْكُمُ الرِّجْسَ اَهْلَ الْبَيْتِ وَيُطَهِّرَكُمْ تَطْهِيْرًاۚ٣٣
Wa qarna fī buyūtikunna wa lā tabarrajna tabarrujal-jāhiliyyatil-ūlā wa aqimnaṣ-ṣalāta wa ātīnaz-zakāta wa aṭi‘nallāha wa rasūlah(ū), innamā yurīdullāhu liyużhiba ‘ankumur-rijsa ahlal-baiti wa yuṭahhirakum taṭhīrā(n).
[33]
Aranjeun kudu cicing di jero imah 718 sarta kadé ulah dangdan (jeung boga paripolah) jiga kaom jahiliah baheula. 719 Geura adegkeun salat, kaluarkeun jakat, jeung ta'at ka Allah tur ka Rasul-Na. Saleresna Allah mung badé ngalebur dosa-dosa aranjeun, hé ahlulbait, 720 tur ngabersihan aranjeun sabersih-bersihna
718) Garwa-garwa Rasul kudu tetap calik di bumi. Kaluar imah upama aya kaperluan anu dibenerkeun ku sara’.
719) “Jahiliah baheula” nyaéta jahiliah kapir saméméh jaman Nabi Muhammad Saw. Nu dimaksud “jahiliah jaman ayeuna” nyaéta jahiliah ku lantaran milampah kama’siatan sanggeus datangna Islam.
720) Ahlulbait nyaéta kulawarga Rasulullah Saw.
وَاذْكُرْنَ مَا يُتْلٰى فِيْ بُيُوْتِكُنَّ مِنْ اٰيٰتِ اللّٰهِ وَالْحِكْمَةِۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ لَطِيْفًا خَبِيْرًا ࣖ٣٤
Ważkurna mā yutlā fī buyūtikunna min āyātillāhi wal-ḥikmah(ti), innallāha kāna laṭīfan khabīrā(n).
[34]
Aranjeun kudu inget kana naon anu dibacakeun di imah aranjeun, nyaéta ayat-ayat Allah (Al-Qur’an) tur hikmah (sunnah). Saleresna Allah Maha Lemah-lembut (tur) Mahauninga.
اِنَّ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمٰتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ وَالْقٰنِتِيْنَ وَالْقٰنِتٰتِ وَالصّٰدِقِيْنَ وَالصّٰدِقٰتِ وَالصّٰبِرِيْنَ وَالصّٰبِرٰتِ وَالْخٰشِعِيْنَ وَالْخٰشِعٰتِ وَالْمُتَصَدِّقِيْنَ وَالْمُتَصَدِّقٰتِ وَالصَّاۤىِٕمِيْنَ وَالصّٰۤىِٕمٰتِ وَالْحٰفِظِيْنَ فُرُوْجَهُمْ وَالْحٰفِظٰتِ وَالذّٰكِرِيْنَ اللّٰهَ كَثِيْرًا وَّالذّٰكِرٰتِ اَعَدَّ اللّٰهُ لَهُمْ مَّغْفِرَةً وَّاَجْرًا عَظِيْمًا٣٥
Innal-muslimīna wal-muslimāti wal-mu'minīna wal-mu'mināti wal-qānitīna wal-qānitāti waṣ-ṣādiqīna waṣ-ṣādiqāti waṣ-ṣābirīna waṣ-ṣābirāti wal-khāsyi‘īna wal-khāsyi‘āti wal-mutaṣaddiqīna wal-mutaṣaddiqāti waṣ-ṣā'imīna waṣ-ṣā'imāti wal-ḥāfiẓīna furūjahum wal-ḥāfiẓāti waż-żākirīnallāha kaṡīraw waż-żākirāti a‘addallāhu lahum magfirataw wa ajran ‘aẓīmā(n).
[35]
Sabenerna muslimin jeung muslimat, mu’minin jeung mu’minat, lalaki jeung awéwé anu ta’at, lalaki jeung awéwé anu bener, lalaki jeung awéwé anu sabar, lalaki jeung awéwé anu husu, lalaki jeung awéwé anu sidekah, lalaki jeung awéwé anu puasa, lalaki jeung awéwé anu ngajaga kahormatanana, sarta lalaki jeung awéwé anu loba nyebut (jenengan) Allah, pikeun aranjeunna Allah nyadiakeun pangampura sarta ganjaran nu kacida gedéna.
وَمَا كَانَ لِمُؤْمِنٍ وَّلَا مُؤْمِنَةٍ اِذَا قَضَى اللّٰهُ وَرَسُوْلُهٗٓ اَمْرًا اَنْ يَّكُوْنَ لَهُمُ الْخِيَرَةُ مِنْ اَمْرِهِمْ ۗوَمَنْ يَّعْصِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ فَقَدْ ضَلَّ ضَلٰلًا مُّبِيْنًاۗ٣٦
Wa mā kāna limu'miniw wa lā mu'minatin iżā qaḍallāhu wa rasūluhū amran ay yakūna lahumul-khiyaratu min amrihim, wa may ya‘ṣillāha wa rasūlahū faqad ḍalla ḍalālam mubīnā(n).
[36]
Henteu pantes pikeun lalaki jeung awéwé mu’min, upama Allah jeung Rasul-Na geus netepkeun hiji katangtuan, bakal aya pilihan (nu séjén) pikeun aranjeun ngeunaan urusanana. Saha baé anu doraka ka Allah jeung ka Rasul-Na, nya manéhna geus sasar kalayan kasasaran nu nyata.
وَاِذْ تَقُوْلُ لِلَّذِيْٓ اَنْعَمَ اللّٰهُ عَلَيْهِ وَاَنْعَمْتَ عَلَيْهِ اَمْسِكْ عَلَيْكَ زَوْجَكَ وَاتَّقِ اللّٰهَ وَتُخْفِيْ فِيْ نَفْسِكَ مَا اللّٰهُ مُبْدِيْهِ وَتَخْشَى النَّاسَۚ وَاللّٰهُ اَحَقُّ اَنْ تَخْشٰىهُ ۗ فَلَمَّا قَضٰى زَيْدٌ مِّنْهَا وَطَرًاۗ زَوَّجْنٰكَهَا لِكَيْ لَا يَكُوْنَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ حَرَجٌ فِيْٓ اَزْوَاجِ اَدْعِيَاۤىِٕهِمْ اِذَا قَضَوْا مِنْهُنَّ وَطَرًاۗ وَكَانَ اَمْرُ اللّٰهِ مَفْعُوْلًا٣٧
Wa iż taqūlu lil-lażī an‘amallāhu ‘alaihi wa an‘amta ‘alaihi amsik ‘alaika zaujaka wattaqillāha wa tukhfī fī nafsika mallāhu mubdīhi wa takhsyan-nās(a), wallāhu aḥaqqu an takhsyāh(u), falammā qaḍā zaidum minhā waṭaran zawwajnākahā likai lā yakūna ‘alal-mu'minīna ḥarajun fī azwāji ad‘iyā'ihim iżā qaḍau minhunna waṭarā(n), wa kāna amrullāhi maf‘ūlā(n).
[37]
(Sing inget) nalika hidep (Muhammad) nyarita ka jalma anu geus dibéré kani'matan ku Allah, kitu deui hidep (ogé) geus méré ni'mat ka manéhna, “Ulah diserahkeun ku pamajikan téh jeung kudu takwa ka Allah,” sedengkeun hidep nyumputkeun dina jero haté naon anu rék diébréhkeun ku Allah, sarta hidep ngarasa rémpan ku manusa, padahal Allah anu leuwih hak kudu dipikasieun. Nya sanggeus Zaéd mutuskeun moal méré kaperluan istrina (nyerahkeun), Kami ngawinkeun hidep ka anjeunna (Zaénab), 721 sangkan henteu aya kabeungbeurat keur jalma-jalma mu'min ngawin ka urut pamajikan anak-anak kukutna, lamun anak-anak kukutna geus mérésan kaperluan pamajikanana. Éta katetepan Allah téh pasti jadina.
721) Nabi Muhammad Saw. lain bapa ti salah sahiji sobatna, ku kituna patilasan Zaéd nyaéta Zaénab bisa ditikah ku Rasulullah.
مَا كَانَ عَلَى النَّبِيِّ مِنْ حَرَجٍ فِيْمَا فَرَضَ اللّٰهُ لَهٗ ۗسُنَّةَ اللّٰهِ فِى الَّذِيْنَ خَلَوْا مِنْ قَبْلُ ۗوَكَانَ اَمْرُ اللّٰهِ قَدَرًا مَّقْدُوْرًاۙ٣٨
Mā kāna ‘alan-nabiyyi min ḥarajin fīmā faraḍallāhu lah(ū), sunnatallāhi fil-lażīna khalau min qabl(u), wa kāna amrullāhi qadaram maqdūrā(n).
[38]
Henteu aya kabeungbeurat naon ogé pikeun Nabi ngeunaan katetapan nu geus ditangtoskeun ku Allah pikeun anjeunna. (Allah geus netepkeun nu kitu téh) minangka sunnah Allah keur nabi-nabi nu ti heula. Katangtuan Allah téh mangrupa katangtuan anu pasti lumakuna,
ۨالَّذِيْنَ يُبَلِّغُوْنَ رِسٰلٰتِ اللّٰهِ وَيَخْشَوْنَهٗ وَلَا يَخْشَوْنَ اَحَدًا اِلَّا اللّٰهَ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ حَسِيْبًا٣٩
Allażīna yuballigūna risālātillāhi wa yakhsyaunahū wa lā yakhsyauna aḥadan illallāh(a), wa kafā billāhi ḥasībā(n).
[39]
nyaéta) jalma-jalma anu nepikeun risalah-risalah Allah 722 ngarasa ajrih ku Mantenna jeung henteu pisan-pisan ngarasa sieun ku saha baé ogé salian ti ku Allah. Cukup baé Allah anu nyieun balitungan.
722) Para rasul anu nepikeun saréat-saréat Allah ka manusa.
مَا كَانَ مُحَمَّدٌ اَبَآ اَحَدٍ مِّنْ رِّجَالِكُمْ وَلٰكِنْ رَّسُوْلَ اللّٰهِ وَخَاتَمَ النَّبِيّٖنَۗ وَكَانَ اللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمًا ࣖ٤٠
Mā kāna muḥammadun abā aḥadim mir rijālikum wa lākir rasūlallāhi wa khātaman-nabiyyīn(a), wa kānallāhu bikulli syai'in ‘alīmā(n).
[40]
uhammad téh lain bapana salah saurang ti antara maranéh, 723 tapi utusan Allah jeung pamungkas sakabéh nabi. Allah Mahauninga kana sagala perkara.
723) Nabi Muhammad Saw. lain bapa ti salah sahiji sobatna, ku kituna patilasan Zaéd nyaéta Zaénab bisa ditikah ku Rasulullah.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اذْكُرُوا اللّٰهَ ذِكْرًا كَثِيْرًاۙ٤١
Yā ayyuhal-lażīna āmanużkurullāha żikran kaṡīrā(n),
[41]
Hé jalma-jalma anu iman, geura dikir (éling) ka Allah saloba-lobana,
وَّسَبِّحُوْهُ بُكْرَةً وَّاَصِيْلًا٤٢
Wa sabbiḥūhu bukrataw wa aṣīlā(n).
[42]
jeung geura tasbéh ka Mantenna dina wanci isuk-isuk jeung pasosoré.
هُوَ الَّذِيْ يُصَلِّيْ عَلَيْكُمْ وَمَلٰۤىِٕكَتُهٗ لِيُخْرِجَكُمْ مِّنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِۗ وَكَانَ بِالْمُؤْمِنِيْنَ رَحِيْمًا٤٣
Huwal-lażī yuṣallī ‘alaikum wa malā'ikatahū liyukhrijakum minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), wa kāna bil-mu'minīna raḥīmā(n).
[43]
Mantenna anu maparin rahmat ka aranjeun jeung para malaikat-Na (ménta pangampura pikeun aranjeun) sangkan Mantenna ngaluarkeun aranjeun ti nu poék mongkléng ka nu caang baranang. Da Allah mah Mahawelas ka jalma-jalma mu’min.
تَحِيَّتُهُمْ يَوْمَ يَلْقَوْنَهٗ سَلٰمٌ ۚوَاَعَدَّ لَهُمْ اَجْرًا كَرِيْمًا٤٤
Taḥiyyatuhum yauma yalqaunahū salām(un), wa a‘adda lahum ajran karīmā(n).
[44]
Kecap panghormatan (Allah pikeun) aranjeunna (jalma-jalma mu’min) téh, dina poéan patepung sareng Mantenna, nyaéta “salām.” 724 Mantenna nyadiakeun ganjaran anu mulya pikeun aranjeunna.
724) Aman tina sagala rupa musibah.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ اِنَّآ اَرْسَلْنٰكَ شَاهِدًا وَّمُبَشِّرًا وَّنَذِيْرًاۙ٤٥
Yā ayyuhan-nabiyyu innā arsalnāka syāhidaw wa mubasysyiraw wa nażīrā(n).
[45]
Hé Nabi (Muhammad), sabenerna Kami ngutus hidep téh pikeun jadi saksi, pikeun mawa béja pikabungaheun, pikeun méré pépéling,
وَّدَاعِيًا اِلَى اللّٰهِ بِاِذْنِهٖ وَسِرَاجًا مُّنِيْرًا٤٦
Wa dā‘iyan ilallāhi bi'iżnihī wa sirājam munīrā(n).
[46]
pikeun ngajak kana (agama) Allah kalayan widi Mantenna, jeung pikeun jadi cahya anu nyaangan.
وَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِيْنَ بِاَنَّ لَهُمْ مِّنَ اللّٰهِ فَضْلًا كَبِيْرًا٤٧
Wa basysyiril-mu'minīna bi'anna lahum minallāhi faḍlan kabīrā(n).
[47]
Pék tepikeun ku hidep (Muhammad) béja pikabungaheun pikeun jalma-jalma mu’min, yén saenyana pikeun aranjeunna téh kurnia ti Allah anu gedé.
وَلَا تُطِعِ الْكٰفِرِيْنَ وَالْمُنٰفِقِيْنَ وَدَعْ اَذٰىهُمْ وَتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗوَكَفٰى بِاللّٰهِ وَكِيْلًا٤٨
Wa lā tuṭi‘il-kāfirīna wal-munāfiqīna wa da‘ ażāhum wa tawakkal ‘alallāh(i), wa kafā billāhi wakīlā(n).
[48]
Hidep (Muhammad) ulah rék nurut ka jalma-jalma kapir jeung munapék! Antep baé gangguan maranéhna téh sarta sing tawekal ka Allah. Cukup Allah baé anu nangtayungan (anjeun) mah.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا نَكَحْتُمُ الْمُؤْمِنٰتِ ثُمَّ طَلَّقْتُمُوْهُنَّ مِنْ قَبْلِ اَنْ تَمَسُّوْهُنَّ فَمَا لَكُمْ عَلَيْهِنَّ مِنْ عِدَّةٍ تَعْتَدُّوْنَهَاۚ فَمَتِّعُوْهُنَّ وَسَرِّحُوْهُنَّ سَرَاحًا جَمِيْلًا٤٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā nakaḥtumul-mu'mināti ṡumma ṭallaqtumūhunna min qabli an tamassūhunna famā lakum ‘alaihinna min ‘iddatin ta‘taddūnahā, fa matti‘ūhunna wa sarriḥūhunna sarāḥan jamīlā(n).
[49]
Hé jalma-jalma anu iman, lamun seug aranjeun nikah ka wanoja-wanoja mu’minah, tuluy aranjeun nyerahkeun (nalak) aranjeunna saméméh sapatemon, nya teu aya idah pikeun aranjeunna nu wajib diitung ku aranjeun. Ku kituna, pék méré mut’ah (pangbéré) tuluy serahkeun aranjeunna ku cara anu pangalus-alusna.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ اِنَّآ اَحْلَلْنَا لَكَ اَزْوَاجَكَ الّٰتِيْٓ اٰتَيْتَ اُجُوْرَهُنَّ وَمَا مَلَكَتْ يَمِيْنُكَ مِمَّآ اَفَاۤءَ اللّٰهُ عَلَيْكَ وَبَنٰتِ عَمِّكَ وَبَنٰتِ عَمّٰتِكَ وَبَنٰتِ خَالِكَ وَبَنٰتِ خٰلٰتِكَ الّٰتِيْ هَاجَرْنَ مَعَكَۗ وَامْرَاَةً مُّؤْمِنَةً اِنْ وَّهَبَتْ نَفْسَهَا لِلنَّبِيِّ اِنْ اَرَادَ النَّبِيُّ اَنْ يَّسْتَنْكِحَهَا خَالِصَةً لَّكَ مِنْ دُوْنِ الْمُؤْمِنِيْنَۗ قَدْ عَلِمْنَا مَا فَرَضْنَا عَلَيْهِمْ فِيْٓ اَزْوَاجِهِمْ وَمَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُمْ لِكَيْلَا يَكُوْنَ عَلَيْكَ حَرَجٌۗ وَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا٥٠
Yā ayyuhan-nabiyyu innā aḥlalnā laka azwājakal-lātī ātaita ujūrahunna wa mā malakat yamīnuka mimmā afā'allāhu ‘alaika wa banāti ‘ammika wa banāti ‘ammātika wa banāti khālika wa banāti khālātikal-lātī hājarna ma‘ak(a), wamra'atam mu'minatan iw wahabat nafsahā lin-nabiyyi in arādan-nabiyyu ay yastankiḥahā, khāliṣatal laka min dūnil-mu'minīn(a), qad ‘alimnā mā faraḍnā ‘alaihim fī azwājihim wa mā malakat aimānuhum likailā yakūna ‘alaika ḥaraj(un), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[50]
Hé Nabi (Muhammad), sabenerna Kami geus ngahalalkeun pikeun hidep garwa-garwa hidep anu geus dipasrahan maskawin ku hidep, jeung abid-abid anu kapamilik ku hidep tina hasil peperangan anu dikurniakeun ku Allah ka hidep. (Nya kitu deui) anak-anak awéwé ti dulur lalaki bapa (mamang) hidep, anak-anak awéwé ti dulur awéwé bapa (bibi), anak-anak awéwé ti dulur lalaki indung (mamang) hidep, anak-anak awéwé ti dulur awéwé indung (bibi) anu milu hijrah jeung hidep, jeung awéwé mu’minah nu masrahkeun dirina ka Nabi lamun seug Nabi kersa nikah ka manéhna, minangka kahususan pikeun hidep, lain pikeun kaumuman jalma-jalma mu’min. Tétéla Kami geus uninga kana naon anu ku Kami geus diwajibkeun ka aranjeunna ngeunaan garwa-garwana jeung ngeunaan abid-abid anu kapimilik ku aranjeunna, sangkan henteu jadi bangbaluh pikeun hidep. Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
۞ تُرْجِيْ مَنْ تَشَاۤءُ مِنْهُنَّ وَتُـْٔوِيْٓ اِلَيْكَ مَنْ تَشَاۤءُۗ وَمَنِ ابْتَغَيْتَ مِمَّنْ عَزَلْتَ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْكَۗ ذٰلِكَ اَدْنٰٓى اَنْ تَقَرَّ اَعْيُنُهُنَّ وَلَا يَحْزَنَّ وَيَرْضَيْنَ بِمَآ اٰتَيْتَهُنَّ كُلُّهُنَّۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا فِيْ قُلُوْبِكُمْ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلِيْمًا حَلِيْمًا٥١
Turjī man tasyā'u wa tu'wī ilaika man tasyā'(u), wa manibtagaita mimman ‘azalta falā junāḥa ‘alaik(a), żālika adnā an taqarra a‘yunuhunna wa lā yaḥzanna wa yarḍaina bimā ātaitahunna kulluhunn(a), wallāhu ya‘lamu mā fī qulūbikum, wa kānallāhu ‘alīman ḥalīmā(n).
[51]
Hidep (Muhammad) diwidian nangguhkeun (pasatemon jeung) anu dipikarep ku hidep ti antara aranjeunna (garwa-garwa hidep). (Diwidian ogé) hidep pasatemon jeung anu dipikarep ku hidep ti antara aranjeunna. Upama hidep mikarep (campur deui) jeung garwa anu geus disisihkeun ku hidep, henteu jadi dosa nanaon ka hidep. Éta téh leuwih deukeut pikeun katengtreman haténa. Aranjeunna bener-bener moal ngarasaeun sedih sarta bakal ridoeun kana naon anu dibikeun ku hidep ka aranjeunna. Da Allah mah Uninga kana naon anu (disidem) dina haté aranjeun. Allah Mahauninga (tur) Mahasantun. 725
725) Numutkun riwayat, dina hiji mangsa waktu garwa-garwa Nabi Muhammad Saw. aya nu timburuan jeung aya nu ménta tambahan balanja, mangka Nabi mutuskeun kakaitan sareng aranjeunna nepi ka sabulan lilana. Ku kituna, lantaran sieun dipirak, mangka aranjeunna nyumpingan Nabi pikeun nétélakeun yén aranjeunna rido moal rengat manah kana naon baé anu badé diputuskeun ku Nabi ka aranjeunna. Turunna ieu ayat nétélakeun yén Allah maparin widi ka Nabi pikeun pasatemon sareng saha baé ti garwa-garwana anu dipikarep atanapi teu dipikarep sapatemon. Ayat ieu ogé nétélakeun yén Allah maparin widi ka Nabi pikeun rujuk deui sareng garwa-garwana nu tos dipirak upama aya garwana nu tos dipirak.
لَا يَحِلُّ لَكَ النِّسَاۤءُ مِنْۢ بَعْدُ وَلَآ اَنْ تَبَدَّلَ بِهِنَّ مِنْ اَزْوَاجٍ وَّلَوْ اَعْجَبَكَ حُسْنُهُنَّ اِلَّا مَا مَلَكَتْ يَمِيْنُكَۗ وَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ رَّقِيْبًا ࣖ٥٢
Lā yaḥillu lakan-nisā'u mim ba‘du wa lā an tabaddala bihinna min azwājiw wa lau a‘jabaka ḥusnuhunna illā mā malakat yamīnuk(a), wa kānallāhu ‘alā kulli syai'ir raqībā(n).
[52]
Henteu halal pikeun hidep (Muhammad) nikah ka awéwé-awéwé (séjén) ti samet ayeuna jeung henteu meunang ngaganti istri-istri hidep ku awéwé (nu séjén) sanajan kageulisanana matak mincut haté hidep, kajaba abid-abid anu dipimilik. Apan Allah téh Maha Nalingakeun kana sagala perkara.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَدْخُلُوْا بُيُوْتَ النَّبِيِّ اِلَّآ اَنْ يُّؤْذَنَ لَكُمْ اِلٰى طَعَامٍ غَيْرَ نٰظِرِيْنَ اِنٰىهُ وَلٰكِنْ اِذَا دُعِيْتُمْ فَادْخُلُوْا فَاِذَا طَعِمْتُمْ فَانْتَشِرُوْا وَلَا مُسْتَأْنِسِيْنَ لِحَدِيْثٍۗ اِنَّ ذٰلِكُمْ كَانَ يُؤْذِى النَّبِيَّ فَيَسْتَحْيٖ مِنْكُمْ ۖوَاللّٰهُ لَا يَسْتَحْيٖ مِنَ الْحَقِّۗ وَاِذَا سَاَلْتُمُوْهُنَّ مَتَاعًا فَسْـَٔلُوْهُنَّ مِنْ وَّرَاۤءِ حِجَابٍۗ ذٰلِكُمْ اَطْهَرُ لِقُلُوْبِكُمْ وَقُلُوْبِهِنَّۗ وَمَا كَانَ لَكُمْ اَنْ تُؤْذُوْا رَسُوْلَ اللّٰهِ وَلَآ اَنْ تَنْكِحُوْٓا اَزْوَاجَهٗ مِنْۢ بَعْدِهٖٓ اَبَدًاۗ اِنَّ ذٰلِكُمْ كَانَ عِنْدَ اللّٰهِ عَظِيْمًا٥٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tadkhulū buyūtan-nabiyyi illā ay yu'żana lakum ilā ṭa‘āmin gaira nāẓirīna ināhu wa lākin iżā du‘ītum fadkhulū fa iżā ṭa‘imtum fantasyirū wa lā musta'nisīna liḥadīṡ(in), inna żālikum kāna yu'żin-nabiyya fayastaḥyī minkum, wallāhu lā yastaḥyī minal-ḥaqq(i), wa iżā sa'altumūhunna matā‘an fas'alūhunna miw warā'i ḥijāb(in), żālikum aṭharu liqulūbikum wa qulūbihinn(a), wa mā kāna lakum an tu'żū rasūlallāhi wa lā an tankiḥū azwājahū mim ba‘dihī abadā(n), inna żālikum kāna ‘indallāhi ‘aẓīmā(n).
[53]
Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah asup ka imah-imahna Nabi kajaba upama aranjeun diidinan pikeun dahar, bari ulah ngadagoan waktu asakna (pasakan). 726 Tapi upama aranjeun diondang, nya pék baé arasup! Tuluy upama aranjeun geus réngsé dahar, nya bral geura baralik jeung ulah tuluy betah ngawangkong. (Sabab) sabenerna éta téh ngaganggu Nabi, nepi ka anjeunna éra ku aranjeun (pikeun nitah balik). Allah mah moal isin (nerangkeun hal) anu bener. Upama aranjeun rék barang pénta (ku sabab aya keperluan) ka istri-istri Nabi, atuh pék lakukeun ti satukangeun pipinding. (Cara) kitu téh leuwih suci keur haté aranjeun jeung keur haté aranjeunna (istri-istri Rasul). Aranjeun henteu meunang nganyenyeri manah Rasul jeung teu meunang mihukum istri-istrina sanggeusna (wapatna) pikeun salilana. Sabenerna kalakuan kitu téh kacida gedé (dosana) mungguhing Allah mah.
726) Ieu ayat nyegah sahabat-sahabat Rasul asup ka imah anjeunna pikeun dahar bari ngahajakeun nungguan waktu dahar anjeunna.
اِنْ تُبْدُوْا شَيْـًٔا اَوْ تُخْفُوْهُ فَاِنَّ اللّٰهَ كَانَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمًا٥٤
In tubdū syai'an au tukhfūhu fa'innallāha kāna bikulli syai'in ‘alīmā(n).
[54]
Upama aranjeun nembrakkeun atawa nyumputkeun hiji perkara, sabenerna Allah mah Mahauninga kana sagala perkara.
لَا جُنَاحَ عَلَيْهِنَّ فِيْٓ اٰبَاۤىِٕهِنَّ وَلَآ اَبْنَاۤىِٕهِنَّ وَلَآ اِخْوَانِهِنَّ وَلَآ اَبْنَاۤءِ اِخْوَانِهِنَّ وَلَآ اَبْنَاۤءِ اَخَوٰتِهِنَّ وَلَا نِسَاۤىِٕهِنَّ وَلَا مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُنَّۚ وَاتَّقِيْنَ اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدًا٥٥
Lā junāḥa ‘alaihinna fī ābā'ihinna wa lā abnā'ihinna wa lā ikhwānihinna wa lā abnā'i ikhwānihinna wa lā abnā'i akhawātihinna wa lā nisā'ihinna wa lā mā malakat aimānuhunn(a), wattaqīnallāh(a), innallāha kāna ‘alā kulli syai'in syahīdā(n).
[55]
Henteu matak dosa pikeun garwa-garwa Nabi (patepung tanpa pipinding) jeung bapa-bapana, jeung anak-anak lalakina, jeung dulur-dulur lalakina, jeung anak-anak lalaki ti dulur lalakina, jeung anak-anak lalaki ti dulur awéwéna, jeung awéwé-awéwéna (awéwé muslimat boh dulur boh lain), sarta jeung abid-abidna nu kapimilik ku aranjeunna. Kudu takwa aranjeun (hé garwa-garwa Nabi) ka Allah. Saleresna Allah anu nyaksian kana sagala perkara.
اِنَّ اللّٰهَ وَمَلٰۤىِٕكَتَهٗ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّۗ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا٥٦
Innallāha wa malā'ikatahū yuṣallūna ‘alan-nabiyy(i), yā ayyuhal-lażīna āmanū ṣallū ‘alaihi wa sallimū taslīmā(n).
[56]
Saleresna Allah sareng para malaikat-Na sami-sami salawat kanggo Nabi. 727 Hé jalma-jalma anu iman, geura salawat ka Nabi jeung ucapkeun salam kalayan pinuh panghormatan (ka Nabi). 728
727) Solawat ti Allah hartina maparin rahmat, ti Malaikat pang mundutkeun pangampura, ti jalma-jalma mu’min hartina ngadoa sarupa jeung ngucapkeun Allāhumma ṣalli ‘alā Muḥammad.
728) Ku ngucapkeun ucapan Assalāmu‘alaika ayyuhan Nabī, hartina mugia kasalametan pikeun anjeun hé Nabi!
اِنَّ الَّذِيْنَ يُؤْذُوْنَ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ لَعَنَهُمُ اللّٰهُ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ وَاَعَدَّ لَهُمْ عَذَابًا مُّهِيْنًا٥٧
Innal-lażīna yu'żūnallāha wa rasūlahū la‘anahumullāhu fid-dun-yā wal-ākhirati wa a‘adda lahum ‘ażābam muhīnā(n).
[57]
Sabenerna (pikeun) jalma-jalma anu nganyenyeri (ngahina) Allah jeung Rasul-Na, Allah bakal ngala’nat ka maranéhna di dunya jeung di ahérat sarta nyadiakeun keur maranéhna siksaan anu ngahinakeun.
وَالَّذِيْنَ يُؤْذُوْنَ الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِ بِغَيْرِ مَا اكْتَسَبُوْا فَقَدِ احْتَمَلُوْا بُهْتَانًا وَّاِثْمًا مُّبِيْنًا ࣖ٥٨
Wal-lażīna yu'żūnal-mu'minīna wal-mu'mināti bigairi maktasabū faqadiḥtamalū buhtānaw wa iṡmam mubīnā(n).
[58]
Jalma-jalma anu nganyenyeri mu’minin jeung mu’minat tanpa (kasalahan) anu dipilampah ku aranjeunna, nya bener-bener maranéhna téh geus nanggung jeung dosa anu nembrak.
يٰٓاَيُّهَا النَّبِيُّ قُلْ لِّاَزْوَاجِكَ وَبَنٰتِكَ وَنِسَاۤءِ الْمُؤْمِنِيْنَ يُدْنِيْنَ عَلَيْهِنَّ مِنْ جَلَابِيْبِهِنَّۗ ذٰلِكَ اَدْنٰىٓ اَنْ يُّعْرَفْنَ فَلَا يُؤْذَيْنَۗ وَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا٥٩
Yā ayyuhan-nabiyyu qul li'azwājika wa banātika wa nisā'il-mu'minīna yudnīna ‘alaihinna min jalābībihinn(a), żālika adnā ay yu‘rafna falā yu'żain(a), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[59]
Hé Nabi (Muhammad), pék caritakeun ka garwa-garwa hidep, ka anak-anak awéwé hidep, ka pamajikan-pamajikan jalma mu’min, yén aranjeunna kudu ngarumbaykeun jilbabna kana sakabéh awakna. Cara kitu téh sangkan leuwih gampang dikenal nepi ka aranjeunna moal diganggu. Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
۞ لَىِٕنْ لَّمْ يَنْتَهِ الْمُنٰفِقُوْنَ وَالَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ وَّالْمُرْجِفُوْنَ فِى الْمَدِيْنَةِ لَنُغْرِيَنَّكَ بِهِمْ ثُمَّ لَا يُجَاوِرُوْنَكَ فِيْهَآ اِلَّا قَلِيْلًا٦٠
La'il lam yantahil-munāfiqūna wal-lażīna fī qulūbihim maraḍuw wal-murjifūna fil-madīnati lanugriyannaka bihim ṡumma lā yujāwirūnaka fīhā illā qalīlā(n).
[60]
Tétéla upama jalma-jalma munapék, jalma-jalma anu dina haténa aya panyakit, jeung jalma-jalma anu nyebarkeun béja bohong di Madinah henteu eureun (nganyenyeri hidep), pasti Kami maréntah ka hidep (pikeun merangan) maranéhna, tuluy maranéhna henteu jadi tatangga hidep (di Madinah), kajaba dina témpo nu sakeudeung,
مَلْعُوْنِيْنَۖ اَيْنَمَا ثُقِفُوْٓا اُخِذُوْا وَقُتِّلُوْا تَقْتِيْلًا٦١
Mal‘ūnīn(a), ainamā ṡuqifū ukhiżū wa quttilū taqtīlā(n).
[61]
bari dina kaayaan dila’nat. Di mana baé kapanggih, maranéhna bakal ditéwak jeung bener-bener dipaéhan
سُنَّةَ اللّٰهِ فِى الَّذِيْنَ خَلَوْا مِنْ قَبْلُ ۚوَلَنْ تَجِدَ لِسُنَّةِ اللّٰهِ تَبْدِيْلًا٦٢
Sunnatallāhi fil-lażīna khalau min qabl(u), wa lan tajida lisunnatillāhi tabdīlā(n).
[62]
(Éta hukuman téh) minangka sunnatullah pikeun jalma-jalma anu ti heula saméméh (hidep). Hidep moal pisan manggih parobahan dina sunnatullah.
يَسْـَٔلُكَ النَّاسُ عَنِ السَّاعَةِۗ قُلْ اِنَّمَا عِلْمُهَا عِنْدَ اللّٰهِ ۗوَمَا يُدْرِيْكَ لَعَلَّ السَّاعَةَ تَكُوْنُ قَرِيْبًا٦٣
Yas'alukan-nāsu ‘anis-sā‘ah(ti), qul innamā ‘ilmuhā ‘indallāh(i), wa mā yudrīka la‘allas-sā‘ata takūnu qarībā(n).
[63]
Jalma-jalma nanya ka hidep (Muhammad) ngeunaan Poé Kiamat. Pék béjakeun yén saenyana pangaweruh ngeunaan éta mung aya di mungguhing Allah. Naha hidep nyaho yén Poé Kiamat téh bisa jadi geus deukeut.
اِنَّ اللّٰهَ لَعَنَ الْكٰفِرِيْنَ وَاَعَدَّ لَهُمْ سَعِيْرًاۙ٦٤
Innallāha la‘anal-kāfirīna wa a‘adda lahum sa‘īrā(n).
[64]
Sabenerna Allah ngala’nat ka jalma-jalma kapir jeung nyadiakeun keur maranéhna seuneu (naraka) anu ngabebela,
خٰلِدِيْنَ فِيْهَآ اَبَدًاۚ لَا يَجِدُوْنَ وَلِيًّا وَّلَا نَصِيْرًا ۚ٦٥
Khālidīna fīhā abadā(n), lā yajidūna waliyyaw wa lā naṣīrā(n).
[65]
bari langgeng di dinyana. Maranéhna moal manggih anu nangtayungan jeung anu nulungan.
يَوْمَ تُقَلَّبُ وُجُوْهُهُمْ فِى النَّارِ يَقُوْلُوْنَ يٰلَيْتَنَآ اَطَعْنَا اللّٰهَ وَاَطَعْنَا الرَّسُوْلَا۠٦٦
Yauma tuqallabu wujūhuhum fin-nāri yaqūlūna yā laitanā aṭa‘nallāha wa aṭa‘nar-rasūlā.
[66]
Dina poé (nalika) beungeutna dibulak-balik di jero naraka, maranéhna ngomong kieu, “Aduh lamun seug kuring saréréa ta’at mah ka Allah jeung ka Rasul, (meureun moal kieu)!”
وَقَالُوْا رَبَّنَآ اِنَّآ اَطَعْنَا سَادَتَنَا وَكُبَرَاۤءَنَا فَاَضَلُّوْنَا السَّبِيْلَا۠٦٧
Wa qālū rabbanā innā aṭa‘nā sādatanā wa kubarā'anā fa aḍallūnas-sabīlā.
[67]
Maranéhna ngomong, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna abdi sadaya parantos tumut ka para pamingpin sareng ka para gegedén abdi sadaya, tuluy maranéhna téh nyasarkeun ka abdi sadaya tina jalan (anu bener).
رَبَّنَآ اٰتِهِمْ ضِعْفَيْنِ مِنَ الْعَذَابِ وَالْعَنْهُمْ لَعْنًا كَبِيْرًا ࣖ٦٨
Rabbanā ātihim ḍi‘faini minal-‘ażābi wal‘anhum la‘nan kabīrā(n).
[68]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti nibankeun siksaan ka maranéhna dua tikel, sareng mugi Gusti ngala’nat maranéhna ku la’nat nu sabeurat-beuratna.”
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ اٰذَوْا مُوْسٰى فَبَرَّاَهُ اللّٰهُ مِمَّا قَالُوْا ۗوَكَانَ عِنْدَ اللّٰهِ وَجِيْهًا ۗ٦٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā takūnū kal-lażīna āżau mūsā fa barra'ahullāhu mimmā qālū, wa kāna ‘indallāhi wajīhā(n).
[69]
Hé jalma-jalma anu iman, omat aranjeun ulah jadi saperti jalma-jalma (ti barisan Bani Israél) anu geus nganyenyeri ka Musa, tuluy Allah ngabersihkeun Musa tina tuduhan-tuduhan anu diomongkeun ku maranéhna. Musa téh miboga kalunggguhan anu mulya di mungguhing Allah.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَقُوْلُوْا قَوْلًا سَدِيْدًاۙ٧٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha wa qūlū qaulan sadīdā(n).
[70]
Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah jeung ucapkeun omongan anu bener,
يُّصْلِحْ لَكُمْ اَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْۗ وَمَنْ يُّطِعِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيْمًا٧١
Yuṣliḥ lakum a‘mālakum wa yagfir lakum żunūbakum, wa may yuṭi‘illāha wa rasūlahū faqad fāza fauzan ‘aẓīmā(n).
[71]
pasti Mantenna ngoméan amal-amal aranjeun sarta ngahampura dosa-dosa aranjeun. Saha baé anu ta’at ka Allah jeung ka Rasul-na, tangtu manéhna pinanggih jeung kaunggulan anu gedé.
اِنَّا عَرَضْنَا الْاَمَانَةَ عَلَى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَالْجِبَالِ فَاَبَيْنَ اَنْ يَّحْمِلْنَهَا وَاَشْفَقْنَ مِنْهَا وَحَمَلَهَا الْاِنْسَانُۗ اِنَّهٗ كَانَ ظَلُوْمًا جَهُوْلًاۙ٧٢
Innā ‘araḍnal-amānata ‘alas-samāwāti wal-arḍi fa abaina ay yaḥmilnahā wa asyfaqna minhā wa ḥamalahal-insān(u), innahū kāna ẓalūman jahūlā(n).
[72]
Sabenerna Kami geus nawarkeun amanat ka langit, ka bumi, jeung ka gunung-gunung, tapi maranéhna embungeun nanggung éta amanat jeung ngarasa sieun teu bisa ngalaksakeunana, (tapi) manusa nanggung (narima) éta amanat. Sabenerna manusa téh kacida dolimna tur kacida bodona.
لِّيُعَذِّبَ اللّٰهُ الْمُنٰفِقِيْنَ وَالْمُنٰفِقٰتِ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَالْمُشْرِكٰتِ وَيَتُوْبَ اللّٰهُ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنٰتِۗ وَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا ࣖ٧٣
Liyu‘ażżiballāhul-munāfiqīna wal-munāfiqāti wal-musyrikīna wal-musyrikāti wa yatūballāhu ‘alal-mu'minīna wal-mu'mināt(i), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[73]
Ku kituna, Allah nyiksa jalma-jalma munapék jeung jalma-jalma musrik, boh lalaki boh awéwé. Allah nampi tobat jalma-jalma mu’min, boh lalaki boh awéwé. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.