Surah As-Sajdah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ ۗ١
Alif lām mīm.
[1]
Alif Lām Mῑm. 691
691) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
تَنْزِيْلُ الْكِتٰبِ لَا رَيْبَ فِيْهِ مِنْ رَّبِّ الْعٰلَمِيْنَۗ٢
Tanzīlul-kitābi lā raiba fīhi mir rabbil-‘ālamīn(a).
[2]
Turunna (Al-Qur’an) ti Pangéran sakumna alam téh henteu perlu diragukeun deui.
اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰىهُ ۚ بَلْ هُوَ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ لِتُنْذِرَ قَوْمًا مَّآ اَتٰىهُمْ مِّنْ نَّذِيْرٍ مِّنْ قَبْلِكَ لَعَلَّهُمْ يَهْتَدُوْنَ٣
Am yaqūlūnaftarāhu balhuwal-ḥaqqu mir rabbika litunżira qaumam mā atāhum min nażīrim min qablika la‘allahum yahtadūn(a).
[3]
Tapi, kunanon maranéhna (jalma-jalma kapir) bet nyarita, “Manéhna (Muhammad) geus ngaya-ngayakeun éta (Al-Qur’an)?” Sabenerna, éta (Al-Qur’an) téh bebeneran (nu datang) ti Pangéran hidep sangkan hidep méré pépéling ka kaom nu tacan pisan kungsi didatangan ku saurang jalma nu méré pépéling saméméh hidep. (Tah ieu téh) sangkan maranéhna meunang pituduh.
اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِۗ مَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِهٖ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا شَفِيْعٍۗ اَفَلَا تَتَذَكَّرُوْنَ٤
Allāhul-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā fī sittati ayyāmin ṡummastawā ‘alal-‘arsy(i), mā lakum min dūnihī miw waliyyiw wa lā syafī‘(in), afalā tatażakkarūn(a).
[4]
Allah téh nyaéta Dat nu nyiptakeun langit jeung bumi tur naon nu aya ti antara duanana dina genep poé, lajeng Mantenna istiwā di luhur Arasy. 692 Pikeun aranjeun taya saurang ogé nu maparin panyalindungan jeung nu maparin sapa’at anging Mantenna. 693 Naha aranjeun henteu niténan?
692) Calik di luhur ‘Arasy téh nyaéta sipat Allah anu wajib ku urang diimanan, nya sarua jeung sipat kaagungan Allah jeung kasuciana-Na.
693) Sapa’at nyaéta pitulung anu dibikeun ku rasul atawa jalma-jalma anu geus ditangtukeun pikeun ngurangan siksaan atawa tanggungan salah sahiji jalma di ahérat.
يُدَبِّرُ الْاَمْرَ مِنَ السَّمَاۤءِ اِلَى الْاَرْضِ ثُمَّ يَعْرُجُ اِلَيْهِ فِيْ يَوْمٍ كَانَ مِقْدَارُهٗٓ اَلْفَ سَنَةٍ مِّمَّا تَعُدُّوْنَ٥
Yudabbirul-amra minas-samā'i ilal-arḍi ṡumma ya‘ruju ilaihi fī yaumin kāna miqdāruhū alfa sanatim mimmā ta‘uddūn(a).
[5]
Mantenna anu ngatur sagala urusan ti langit nepi ka bumi, tuluy (éta urusan téh) unggah ka Mantenna 694 dina poé anu kadarna (lilana) nyaéta sarébu taun numutkeun itungan aranjeun.
694) Béja nu dibawa ku malaikat. Ayat ieu mangrupa misil pikeun ngébréhkeun kagungan Mantenna.
ذٰلِكَ عٰلِمُ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُۙ٦
Żālika ‘ālimul-gaibi wasy-syahādatil-‘azīzur-raḥīm(u).
[6]
Tah éta Dat téh nyaéta Pangéran Nu Mahauninga ka nu gaib jeung ka nu nyampak, sarta Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.
الَّذِيْٓ اَحْسَنَ كُلَّ شَيْءٍ خَلَقَهٗ وَبَدَاَ خَلْقَ الْاِنْسَانِ مِنْ طِيْنٍ٧
Allażī aḥsana kulla syai'in khalaqahū wa bada'a khalqal-insāni min ṭīn(in).
[7]
(Mantenna ogé nyaéta Dat) anu ngaéndahkeun sagala perkara nu ku Mantenna diciptakeun jeung nu ngawitan nyiptakeun manusa tina taneuh.
ثُمَّ جَعَلَ نَسْلَهٗ مِنْ سُلٰلَةٍ مِّنْ مَّاۤءٍ مَّهِيْنٍ ۚ٨
Ṡumma ja‘ala naslahū min sulālatim mim mā'im mahīn(in).
[8]
Saterasna, Mantenna ngajadikeun turunanana tina sari pati cai anu hina (cimani).
ثُمَّ سَوّٰىهُ وَنَفَخَ فِيْهِ مِنْ رُّوْحِهٖ وَجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَالْاَفْـِٕدَةَۗ قَلِيْلًا مَّا تَشْكُرُوْنَ٩
Ṡumma sawwāhu wa nafakha fīhi mir rūḥihī wa ja‘ala lakumus-sam‘a wal-abṣāra wal-af'idah(ta), qalīlam mā tasykurūn(a).
[9]
Lajeng, Mantenna nyampurnakeunana sarta niupkeun roh (ciptaana)-Na) ka jero (awak)na. Mantenna ngajadikeun pangdangu, paningal, jeung haté pikeun aranjeun. Saeutik pisan aranjeun anu sukuran.
وَقَالُوْٓا ءَاِذَا ضَلَلْنَا فِى الْاَرْضِ ءَاِنَّا لَفِيْ خَلْقٍ جَدِيْدٍ ەۗ بَلْ هُمْ بِلِقَاۤءِ رَبِّهِمْ كٰفِرُوْنَ١٠
Wa qālū a'iżā ḍalalnā fil-arḍi a'innā lafī khalqin jadīd(in), bal hum biliqā'i rabbihim kāfirūn(a).
[10]
Maranéhna nyarita, “Naha upama kuring saréréa geus leungit (ancur) di jero taneuh, kuring saréréa bakal (balik deui) dina ciptaan nu anyar?” 695 Malah (lain ngan ukur kitu), maranéhna téh ingkar ogé kana bakal patepang jeung Pangéran maranéhna.
695) Sakabéh manusa dihirupkeun deui pikeun narima wawales ti Allah dina Poé Kiamat.
۞ قُلْ يَتَوَفّٰىكُمْ مَّلَكُ الْمَوْتِ الَّذِيْ وُكِّلَ بِكُمْ ثُمَّ اِلٰى رَبِّكُمْ تُرْجَعُوْنَ ࣖ١١
Qul yatawaffākum malakul-mautil-lażī wukkila bikum ṡumma ilā rabbikum turja‘ūn(a).
[11]
Pok ucapkeun, “Malaikat Maot anu dipapancénan pikeun (nyabut nyawa) maranéh bakal maéhan maranéh, tuluy mung ka Pangéran maranéh wungkul bakal dipulangkeun.”
وَلَوْ تَرٰىٓ اِذِ الْمُجْرِمُوْنَ نَاكِسُوْا رُءُوْسِهِمْ عِنْدَ رَبِّهِمْۗ رَبَّنَآ اَبْصَرْنَا وَسَمِعْنَا فَارْجِعْنَا نَعْمَلْ صَالِحًا اِنَّا مُوْقِنُوْنَ١٢
Wa lau tarā iżil-mujrimūna nākisū ru'ūsihim ‘inda rabbihim, rabbanā abṣarnā wa sami‘nā farji‘nā na‘mal ṣāliḥan innā mūqinūn(a).
[12]
Upama sakirana anjeun nempo éta jalma-jalma anu doraka tarungkul di payuneun Pangéranana, (anjeun bakal ningali perkara nu kacida ahéngna jeung maranéhna nyarita), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya! Abdi sadaya parantos ningali (Poé Kiamat nu abdi sadaya ingkar kana éta poé) sareng nguping (ti Gusti bebeneran cariosan rasul-rasul Gusti). Mangka, nun Gusti wangsulkeun deui abdi sadaya (ka alam dunya), tangtos abdi sadaya bakal milampah kasaéan. Sayaktosna abdi sadaya (ayeuna) téh nyaéta jalmi-jalmi nu yakin (kana ayana Poé Kiamat).”
وَلَوْ شِئْنَا لَاٰتَيْنَا كُلَّ نَفْسٍ هُدٰىهَا وَلٰكِنْ حَقَّ الْقَوْلُ مِنِّيْ لَاَمْلَـَٔنَّ جَهَنَّمَ مِنَ الْجِنَّةِ وَالنَّاسِ اَجْمَعِيْنَ١٣
Wa lau syi'nā la'ātainā kulla nafsin hudāhā wa lākin ḥaqqal-qaulu minnī la'amla'anna jahannama minal-jinnati wan-nāsi ajma‘īn(a).
[13]
Saupama Kami ngersakeun mah, tangtu Kami maparin ka unggal jiwa pituduh (pikeun) maranéhna, tapi geus dicawiskeun katetepan ti Kami (yén) sabenerna Kami pasti bakal minuhan naraka Jahanam ku bangsa jin jeung manusa kalayan babarengan.
فَذُوْقُوْا بِمَا نَسِيْتُمْ لِقَاۤءَ يَوْمِكُمْ هٰذَاۚ اِنَّا نَسِيْنٰكُمْ وَذُوْقُوْا عَذَابَ الْخُلْدِ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ١٤
Fa żūqū bimā nasītum liqā'a yaumikum hāżā, innā nasīnākum wa żūqū ‘ażābal-khuldi bimā kuntum ta‘malūn(a).
[14]
Pék rasakeun ku maranéh (ieu siksaan) ku sabab maranéh téh ngalalaworakeun bakal papanggihna jeung ieu poé maranéh (Poé Kiamat). Saleresna Kami ogé ngalalaworakeun maranéh. Pék rasakeun siksaan nu langgeng ku lantaran naon anu sok dilakukeun ku maranéh!”
اِنَّمَا يُؤْمِنُ بِاٰيٰتِنَا الَّذِيْنَ اِذَا ذُكِّرُوْا بِهَا خَرُّوْا سُجَّدًا وَّسَبَّحُوْا بِحَمْدِ رَبِّهِمْ وَهُمْ لَا يَسْتَكْبِرُوْنَ ۩١٥
Innamā yu'minu bi'āyātinal-lażīna iżā żukkirū bihā kharrū sujjadaw wa sabbaḥū biḥamdi rabbihim wa hum lā yastakbirūn(a).
[15]
Sabenerna jalma-jalma anu iman kana ayat-ayat Kami mah, ngan wungkul jalma-jalma anu upama diélingan ku éta (ayat-ayat Kami). Aranjeunna nyuuh (dina kaayaan) sujud 696 jeung tasbéh sarta muji ka Pangéranana jeung aranjeunna henteu sombong.
696) Aranjeunna nyuuh sujud tur tumut ka Allah bari pinuh ku kahusuan. Disunahkeun ngalakukeun sujud tilawah upama ngadéngé ayat-ayat sajdah nu sarupa kieu.
تَتَجَافٰى جُنُوْبُهُمْ عَنِ الْمَضَاجِعِ يَدْعُوْنَ رَبَّهُمْ خَوْفًا وَّطَمَعًاۖ وَّمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَ١٦
Tatajāfā junūbuhum ‘anil-maḍāji‘i yad‘ūna rabbahum khaufaw wa ṭama‘ā(n), wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[16]
adaharan (awak) aranjeunna jauh tina pangsaréan 697 (pikeun salat ti peuting) bari ngadoa ka Pangéranana kalayan kebek ku kasieun (tina siksaan-Na) jeung pinuh ku pangharepan (kana rahmat-Na), sarta aranjeunna ngainpakkeun sawaréh tina rejeki nu ku Kami geus dipaparinkeun ka aranjeunna.
697) Aranjeunna teu saré waktu nu séjén keur sararé, pikeun munajat ka Pangéran ngalakonan salat peuting.
فَلَا تَعْلَمُ نَفْسٌ مَّآ اُخْفِيَ لَهُمْ مِّنْ قُرَّةِ اَعْيُنٍۚ جَزَاۤءًۢ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٧
Falā ta‘lamu nafsum mā ukhfiya lahum min qurrati a‘yun(in), jazā'am bimā kānū ya‘malūn(a).
[17]
Taya saurang ogé anu nyaho kana naon anu disumputkeun pikeun aranjeunna mangrupa (rupa-rupa ni’mat) anu nyenangkeun haté minangka wawales kana naon anu sok dipilampah ku aranjeunna.
اَفَمَنْ كَانَ مُؤْمِنًا كَمَنْ كَانَ فَاسِقًاۗ لَا يَسْتَوٗنَ١٨
Afaman kāna mu'minan kaman kāna fāsiqā(n), lā yastawūn(a).
[18]
Naha jalma mu’min sarua jeung jalma pasék (kapir)? (Tangtu) aranjeunna moal sarua.
اَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَلَهُمْ جَنّٰتُ الْمَأْوٰىۖ نُزُلًا ۢبِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٩
Ammal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti falahum jannātul-ma'wā, nuzulam bimā kānū ya‘malūn(a).
[19]
Ari jalma-jalma anu iman tur milampah amal soléh, nya aranjeunna mah bakal meunang sawarga-sawarga (minangka) tempat cicing mangrupa wawales kana naon anu sok dipilampah ku aranjeunna.
وَاَمَّا الَّذِيْنَ فَسَقُوْا فَمَأْوٰىهُمُ النَّارُ كُلَّمَآ اَرَادُوْٓا اَنْ يَّخْرُجُوْا مِنْهَآ اُعِيْدُوْا فِيْهَا وَقِيْلَ لَهُمْ ذُوْقُوْا عَذَابَ النَّارِ الَّذِيْ كُنْتُمْ بِهٖ تُكَذِّبُوْنَ٢٠
Wa ammal-lażīna fasaqū fa ma'wākumun nāru kullamā arādū ay yakhrujū minhā u‘īdū fīhā wa qīla lahum żūqū ‘ażāban nāril-lażī kuntum bihī tukażżibūn(a).
[20]
Ari jalma-jalma anu pasék (kapir) mah, tempat cicing maranéhna téh naraka. Unggal-unggal maranéhna hayang kaluar ti dinya, maranéhna dibalikkeun (deui) ka dinya jeung dicaritakeun ka maranéhna, “Pék rasakeun siksaan naraka anu baheula sok dibohongkeun ku maranéh.”
وَلَنُذِيْقَنَّهُمْ مِّنَ الْعَذَابِ الْاَدْنٰى دُوْنَ الْعَذَابِ الْاَكْبَرِ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ٢١
Wa lanużīqannahum minal-‘ażābil-adnā dūnal-‘ażābil-akbari la‘allahum yarji‘ūn(a).
[21]
Kami pasti bakal nibankeun ka maranéhna sawaréh siksa nu deukeut (di dunya) saméméh siksaan nu leuwih gedé (di ahérat) sangkan maranéhna mulang deui (kana jalan nu bener).
وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ ذُكِّرَ بِاٰيٰتِ رَبِّهٖ ثُمَّ اَعْرَضَ عَنْهَا ۗاِنَّا مِنَ الْمُجْرِمِيْنَ مُنْتَقِمُوْنَ ࣖ٢٢
Wa man aẓlamu mimman żukkira bi'āyāti rabbihī ṡumma a‘raḍa ‘anhā, innā minal-mujrimīna muntaqimūn(a).
[22]
Saha anu leuwih dolim tibatan jalma anu geus dipépélingan ku ayat-ayat Pangéranana, tuluy maranéhna ngabalieur ti dinya? Saenyana Kami bakal maparin wawales ka nu daroraka.
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ فَلَا تَكُنْ فِيْ مِرْيَةٍ مِّنْ لِّقَاۤىِٕهٖ وَجَعَلْنٰهُ هُدًى لِّبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَۚ٢٣
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba falā takun fī miryatim mil liqā'ihī wa ja‘alnāhu hudal libanī isrā'īl(a).
[23]
Sabenerna Kami bener-bener geus maparin Kitab (Torét) ka Musa. Mangka, poma hidep (Muhammad) ulah mangmang ngeunaan éta. Kami ogé ngajadikeun éta Kitab (Torét) minangka pituduh pikeun Bani Israél. 698
698) Torét téh dipaparinkeun ka Nabi Musa a.s. dina mangsa harita dijadikeun pituduh pikeun Bani Israél. Nya kitu pisan, Al-Qur’an dipaparinkeun ka Nabi Muhammad Saw. pikeun dijadikeun pituduh pikeun umat Islam.
وَجَعَلْنَا مِنْهُمْ اَىِٕمَّةً يَّهْدُوْنَ بِاَمْرِنَا لَمَّا صَبَرُوْاۗ وَكَانُوْا بِاٰيٰتِنَا يُوْقِنُوْنَ٢٤
Wa ja‘alnā minhum a'immatay yahdūna bi'amrinā lammā ṣabarū, wa kānū bi'āyātinā yūqinūn(a).
[24]
Kami ngajadikeun ti antara maranéhna pamingpin-pamingpin anu méré pituduh kalayan paréntah Kami salila maranéhna sabar. 699 Maranéhna salawasna yakin kana ayat-ayat Kami.
699) Sabar téh nyaéta sabar dina ngadegkeun bebeneran.
اِنَّ رَبَّكَ هُوَ يَفْصِلُ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ٢٥
Inna rabbaka huwa yafṣilu bainahum yaumal-qiyāmati fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[25]
Saleresna Pangéran hidep, Mantenna anu midamel kaputusan di antara maranéhna dina Poé Kiamat tina naon anu baheula sok dipasaliakeun ku maranéhna.
اَوَلَمْ يَهْدِ لَهُمْ كَمْ اَهْلَكْنَا مِنْ قَبْلِهِمْ مِّنَ الْقُرُوْنِ يَمْشُوْنَ فِيْ مَسٰكِنِهِمْ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍۗ اَفَلَا يَسْمَعُوْنَ٢٦
Awalam yahdi lahum kam ahlaknā min qablihim minal-qurūni yamsyūna fī masākinihim, inna fī żālika la'āyāt(in), afalā yasma‘ūn(a).
[26]
Naha henteu jadi pituduh pikeun maranéhna (kaom kapir Mekah) apan geus sakitu lobana umat saméméh maranéhna nu geus dibinasakeun ku Kami, sedengkeun maranéhna sorangan leumpang di tempat-tempat cicingna. Sabenerna dina éta hal téh aya tanda-tanda (kakawasaan Allah). Naha atuh maranéhna henteu ngadéngé (niténan)?
اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّا نَسُوْقُ الْمَاۤءَ اِلَى الْاَرْضِ الْجُرُزِ فَنُخْرِجُ بِهٖ زَرْعًا تَأْكُلُ مِنْهُ اَنْعَامُهُمْ وَاَنْفُسُهُمْۗ اَفَلَا يُبْصِرُوْنَ٢٧
Awalam yarau annā nasūqul-mā'a ilal-arḍil juruzi fanukhriju bihī zar‘an ta'kulu minhu an‘āmuhum wa anfushum, afalā yubṣirūn(a).
[27]
Naha maranéhna henteu niténan yén Kami ngarahkeun (méga nu ngandung) cai ka bumi anu angar, tuluy Kami numuwuhkeun ku éta (cai hujan) tutuwuhan, nepi ka ingon-ingon maranéhna jeung maranéhna sorangan bisa dahar ti dinya. Mangka, naha atuh maranéhna bet henteu niténan?
وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْفَتْحُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٢٨
Wa yaqūlūna matā hāżal-fatḥu in kuntum ṣādiqīn(a).
[28]
Maranéhna nanyakeun, “Iraha atuh éta kaunggulan téh (datang) lamun mah aranjeun jalma anu bener?
قُلْ يَوْمَ الْفَتْحِ لَا يَنْفَعُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِيْمَانُهُمْ وَلَا هُمْ يُنْظَرُوْنَ٢٩
Qul yaumal-fatḥi lā yanfa‘ul-lażīna kafarū īmānuhum wa lā hum yunẓarūn(a).
[29]
Pék caritakeun, “Dina ieu poé kaunggulan. 700 Taya gunana deui pikeun jalma-jalma kapir kaimanan jeung maranéhna mah moal diengkékeun deui.”
700) Poé kaunggulan nyaéta Poé Kiamat.
فَاَعْرِضْ عَنْهُمْ وَانْتَظِرْ اِنَّهُمْ مُّنْتَظِرُوْنَ ࣖ٣٠
Fa a‘riḍ ‘anhum wantaẓir innahum muntaẓirūn(a).
[30]
Mangka, sok geura ngabalieur hidep ti maranéhna jeung dagoan! Saenyana maranéhna (ogé) ngadago-dago. 701
701) Nabi Muhammad Saw. jeung jalma-jalma nu iman dititah nungguan poé kaunggulan, pikeun ngébréhkeun kaunggulan umat Islam ti jalma-jalma kapir dina poéan ancurna maranéhna.