Surah Luqman

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ ۗ١
Alif lām mīm.
[1] Alif Lām Mīm. 683
683) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

تِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ الْحَكِيْمِۙ٢
Tilka āyātul-kitābil-ḥakīm(i).
[2] Éta téh ayat-ayat Al-Kitab (Al-Qur’an) anu pinuh ku hikmah,

هُدًى وَّرَحْمَةً لِّلْمُحْسِنِيْنَۙ٣
Hudaw wa raḥmatal lil-muḥsinīn(a).
[3] minangka pituduh jeung rahmat pikeun jalma-jalma anu milampah kahadéan,

الَّذِيْنَ يُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ يُوْقِنُوْنَۗ٤
Allażīna yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa yu'tūnaz-zakāta wa hum bil-ākhirati hum yūqinūn(a).
[4] (nyaéta) jalma-jalma anu ngadegkeun salat, ngaluarkeun jakat, jeung yakin kana ayana ahérat.

اُولٰۤىِٕكَ عَلٰى هُدًى مِّنْ رَّبِّهِمْ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٥
Ulā'ika ‘alā hudam mir rabbihim wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[5] Nya aranjeunna anu tetep meunang pituduh ti Pangéranana jeung aranjeunna éta anu untung.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّشْتَرِيْ لَهْوَ الْحَدِيْثِ لِيُضِلَّ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِغَيْرِ عِلْمٍۖ وَّيَتَّخِذَهَا هُزُوًاۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ٦
Wa minan-nāsi may yasytarī lahwal-ḥadīṡi liyuḍilla ‘an sabīlillāhi bigairi ‘ilmiw wa yattakhiżahā huzuwā(n), ulā'ika lahum ‘ażābum muhīn(un).
[6] Ti antara manusa aya jalma anu meuli omongan anu taya gunana pikeun nyasarkeun (manusa) tina jalan Allah tanpa élmu jeung ngajadikeunana bahan guguyon. Maranéhna bakal meunang siksaan anu hina.

وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِ اٰيٰتُنَا وَلّٰى مُسْتَكْبِرًا كَاَنْ لَّمْ يَسْمَعْهَا كَاَنَّ فِيْٓ اُذُنَيْهِ وَقْرًاۚ فَبَشِّرْهُ بِعَذَابٍ اَلِيْمٍ٧
Wa iżā tutlā ‘alaihi āyātunā wallā mustakbiran ka'allam yasma‘hā ka'anna fī użunaihi waqrā(n), fabasyyirhu bi‘ażābin alīm(in).
[7] Upama dibacakeun ka manéhna 684 ayat-ayat Kami, manéhna ngabalieur bari nyombongkeun diri api-api manéhna teu ngadéngé, lir ibarat dina dua ceulina aya anu nyocokan. Mangka, pék geura béré béja pikabungaheun ka manéhna ku siksaan nu peurih.
684) Pikeun jalma-jalma anu nyarita omong kosong keur nyasarkeun manusa.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ جَنّٰتُ النَّعِيْمِۙ٨
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum jannātun na‘īm(i).
[8] Sabenerna jalma-jalma anu iman tur ngalakukeun amah soléh, pikeun aranjeunna sawarga anu pinuh ku kani’matan.

خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ وَعْدَ اللّٰهِ حَقًّاۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٩
Khālidīna fīhā, wa‘dallāhi ḥaqqā(n), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[9] Aranjeunna langgeng di jerona mangrupa jangji Allah anu bener. Mantenna Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana

خَلَقَ السَّمٰوٰتِ بِغَيْرِ عَمَدٍ تَرَوْنَهَا وَاَلْقٰى فِى الْاَرْضِ رَوَاسِيَ اَنْ تَمِيْدَ بِكُمْ وَبَثَّ فِيْهَا مِنْ كُلِّ دَاۤبَّةٍۗ وَاَنْزَلْنَا مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَنْۢبَتْنَا فِيْهَا مِنْ كُلِّ زَوْجٍ كَرِيْمٍ١٠
Khalaqas-samāwāti bigairi ‘amadin taraunahā wa alqā fil-arḍi rawāsiya an tamīda bikum wa baṡṡa fīhā min kulli dābbah(tin), wa anzalnā minas-samā'i mā'an fa ambatnā fīhā min kulli zaujin karīm(in).
[10] Mantenna nyiptakeun langit teu maké tihang (saperti) nu katingali ku aranjeun sarta nyimpen gunung-gunung (nu pageuh) di bumi sangkan éta (bumi) henteu ngoyagkeun aranjeun sarta nyebarkeun di éta (bumi) sagala rupa mahluk nu gerak. Kami (ogé) nurunkeun cai hujan ti langit, tuluy Kami numuwuhkeun kana éta (bumi) sagala rupa (tutuwuhan) nu hadé.

هٰذَا خَلْقُ اللّٰهِ فَاَرُوْنِيْ مَاذَا خَلَقَ الَّذِيْنَ مِنْ دُوْنِهٖۗ بَلِ الظّٰلِمُوْنَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ ࣖ١١
Hāżā khalqullāhi fa arūnī māżā khalaqal-lażīna min dūnih(ī), baliẓ-ẓālimūna fī ḍalālim mubīn(in).
[11] Ieu téh ciptaan Allah. Mangka, pék témbongkeun ka Kami naon anu geus diciptakeun ku (sesembahan maranéh) anu salian Mantenna. Sabenerna jalma-jalma anu dolim mah aya dina kasasaran anu nyata.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا لُقْمٰنَ الْحِكْمَةَ اَنِ اشْكُرْ لِلّٰهِ ۗوَمَنْ يَّشْكُرْ فَاِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ كَفَرَ فَاِنَّ اللّٰهَ غَنِيٌّ حَمِيْدٌ١٢
Wa laqad ātainā luqmānal-ḥikmata anisykur lillāh(i), wa may yasykur fa'innamā yasykuru linafsih(ī), wa man kafara fa'innallāha ganiyyun ḥamīd(un).
[12] Tétéla Kami bener-bener geus maparin hikmah ka Luqman, nyaéta “Prak geura sukuran anjeun ka Allah! Saha baé nu sukuran, saenyana manéhna téh sukurna keur dirina sorangan. Saha baé anu kupur (henteu sukuran), saleresna Allah Mahasugih (tur) Mahapinuji.”

وَاِذْ قَالَ لُقْمٰنُ لِابْنِهٖ وَهُوَ يَعِظُهٗ يٰبُنَيَّ لَا تُشْرِكْ بِاللّٰهِ ۗاِنَّ الشِّرْكَ لَظُلْمٌ عَظِيْمٌ١٣
Wa iż qāla luqmānu libnihī wa huwa ya‘iẓuhū yā bunayya lā tusyrik billāh(i), innasy-syirka laẓulmun ‘aẓīm(un).
[13] (Sing inget) nalika Luqman nyarios ka putrana waktu nganaséhatan ka manéhna, “Hé anaking, poma ulah rék ngamusrikkeun ka Allah! Saenyana ngamusrikkeun ka (Allah) téh bener-bener kadoliman anu gedé.”

وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِۚ حَمَلَتْهُ اُمُّهٗ وَهْنًا عَلٰى وَهْنٍ وَّفِصَالُهٗ فِيْ عَامَيْنِ اَنِ اشْكُرْ لِيْ وَلِوَالِدَيْكَۗ اِلَيَّ الْمَصِيْرُ١٤
Wa waṣṣainal-insāna biwālidaih(i), ḥamalathu ummuhū wahnan ‘alā wahniw wa fiṣāluhū fī ‘āmaini anisykur lī wa liwālidaik(a), ilayyal-maṣīr(u).
[14] Kami ngawasiatan ka manusa (sangkan milampah kahadéan) ka indung-bapana. Indungna téh geus ngakandung manéhna dina kaayaan héngkér nu manglipet-lipet jeung nyapih manéhna salila dua taun. 685 (Wasiat Kami), “Prak sukuran ka Kami jeung ka indung-bapa anjeun. Ngan ka Kami wungkul (anjeun) mulang.
685) Salambat-lambatna nyapih budak téh nyaéta nepi ka umur dua taun.

وَاِنْ جَاهَدٰكَ عَلٰٓى اَنْ تُشْرِكَ بِيْ مَا لَيْسَ لَكَ بِهٖ عِلْمٌ فَلَا تُطِعْهُمَا وَصَاحِبْهُمَا فِى الدُّنْيَا مَعْرُوْفًا ۖوَّاتَّبِعْ سَبِيْلَ مَنْ اَنَابَ اِلَيَّۚ ثُمَّ اِلَيَّ مَرْجِعُكُمْ فَاُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ١٥
Wa in jāhadāka ‘alā an tusyrika bī mā laisa laka bihī ‘ilmun falā tuṭi‘humā wa ṣāḥibhumā fid-dun-yā ma‘rūfā(n), wattabi‘ sabīla man anāba ilayya(a), ṡumma ilayya marji‘ukum fa unabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[15] Upama maranéhna (indung-bapa) maksa ka anjeun sangkan ngamusrikkeun Kami jeung perkara anu anjeun teu miboga élmu ngeunaan éta, kadé anjeun ulah ta’at ka maranéhna, (tapi) prak campur gaul jeung maranéhna di dunya kalayan hadé jeung tuturkeun jalan jalma anu mulang ka Kami. Tuluy, ngan ka Kami wungkul anjeun mulang, tuluy Kami mére nyaho ka aranjeun naon anu biasa ku aranjeun dilakukeun.”

يٰبُنَيَّ اِنَّهَآ اِنْ تَكُ مِثْقَالَ حَبَّةٍ مِّنْ خَرْدَلٍ فَتَكُنْ فِيْ صَخْرَةٍ اَوْ فِى السَّمٰوٰتِ اَوْ فِى الْاَرْضِ يَأْتِ بِهَا اللّٰهُ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَطِيْفٌ خَبِيْرٌ١٦
Yā bunayya innahā in taku miṡqāla ḥabbatim min khardalin fatakun fī ṣakhratin au fis-samāwāti au fil-arḍi ya'ti bihallāh(u), innallāha laṭīfun khabīr(un).
[16] (Luqman nyarios), “Hé anaking, saenyana upama aya (hiji pagawéan) nu sabeurat ¿arrah (barang nu pangleutikna) jeung aya aya dina jero batu, di langit atawa di bumi, tangtu Allah bakal ngadatangkeunana (pikeun diwales). Saleresna Allah Maha Lemah-lembut 686 (tur) Mahataliti.
686) Allah Maha Lemah-lembut” nyaéta élmu Allah téh ngalimpudan sagala rupa nepi ka nu pangleutikna.

يٰبُنَيَّ اَقِمِ الصَّلٰوةَ وَأْمُرْ بِالْمَعْرُوْفِ وَانْهَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَاصْبِرْ عَلٰى مَآ اَصَابَكَۗ اِنَّ ذٰلِكَ مِنْ عَزْمِ الْاُمُوْرِ١٧
Yā bunayya aqimiṣ-ṣalāta wa'mur bil-ma‘rūfi wanha ‘anil-munkari waṣbir ‘alā mā aṣābak(a), inna żālika min ‘azmil-umūr(i).
[17] Hé anaking, adegkeun salat jeung paréntahkeun (manusa) pikeun migawé ma’rup jeung cegah (maranéhna) tina kamungkaran sarta kudu sabar tina naon anu tumiba ka anjeun. Saenyana hal éta téh kaasup perkara anu (kudu) diutamakeun.

وَلَا تُصَعِّرْ خَدَّكَ لِلنَّاسِ وَلَا تَمْشِ فِى الْاَرْضِ مَرَحًاۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ كُلَّ مُخْتَالٍ فَخُوْرٍۚ١٨
Wa lā tuṣa‘‘ir khaddaka lin-nāsi wa lā tamsyi fil-arḍi maraḥā(n), innallāha lā yuḥibbu kulla mukhtālin fakhūr(in).
[18] Omat anjeun ulah miceun beungeut anjeun ti papada manusa (lantaran sombong) jeung omat ulah leumpang di ieu bumi kalayan sombong. Saleresna Allah henteu mikaresep ka sakur jalma anu sombong tur gumedé.

وَاقْصِدْ فِيْ مَشْيِكَ وَاغْضُضْ مِنْ صَوْتِكَۗ اِنَّ اَنْكَرَ الْاَصْوَاتِ لَصَوْتُ الْحَمِيْرِ ࣖ١٩
Waqṣid fī masy-yika wagḍuḍ min ṣautik(a), inna ankaral-aṣwāti laṣautul-ḥamīr(i).
[19] Sing boga sikep siger tengah dina waktu leumpang 687 sarta launkeun sora anjeun. Sabenerna panggoréng-goréngna sora téh nyaéta sora kaldé.”
687) Waktu leumpang, nya ulah gancang teuing atawa laon pisan, kudu nengah atawa siger tengah, teu gancang teuing ogé teu laon pisan.

اَلَمْ تَرَوْا اَنَّ اللّٰهَ سَخَّرَ لَكُمْ مَّا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ وَاَسْبَغَ عَلَيْكُمْ نِعَمَهٗ ظَاهِرَةً وَّبَاطِنَةً ۗوَمِنَ النَّاسِ مَنْ يُّجَادِلُ فِى اللّٰهِ بِغَيْرِ عِلْمٍ وَّلَا هُدًى وَّلَا كِتٰبٍ مُّنِيْرٍ٢٠
Alam tarau annallāha sakhkhara lakum mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍi wa asbaga ‘alaikum ni‘amahū ẓāhirataw wa bāṭinah(tan), wa minan-nāsi may yujādilu fillāhi bigairi ‘ilmiw wa lā hudaw wa lā kitābim munīr(in).
[20] Naha maranéh henteu niténan yén saenyana Allah geus nundukkeun naon nu aya di langit jeung naon nu aya bumi pikeun aranjeun. Mantenna (ogé) nyampurnakeun ni’mat-ni’mat-Na nu lahir jeung batin pikeun aranjeun. Ngan, ti antara manusa aya nu ngabantah (tunggalna) Allah tanpa (dumasar) kana élmu, pituduh, jeung kitab suci anu nyaangan.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ اتَّبِعُوْا مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ قَالُوْا بَلْ نَتَّبِعُ مَا وَجَدْنَا عَلَيْهِ اٰبَاۤءَنَاۗ اَوَلَوْ كَانَ الشَّيْطٰنُ يَدْعُوْهُمْ اِلٰى عَذَابِ السَّعِيْرِ٢١
Wa iżā qīla lahumuttabi‘ū mā anzalallāhu qālū bal nattabi‘u mā wajadnā ‘alaihi ābā'anā, awalau kānasy-syaiṭānu yad‘ūhum ilā ‘ażābis-sa‘īr(i).
[21] Upama dicaritakeun ka maranéhna, “Prak geura tuturkeun naon anu geus diturunkeun ku Allah!” Maranéhna ngajawab, “(Moal). Kuring saréréa (ngan wungkul) nuturkeun kabiasaan nu kapanggih ku kuring saréréa.” Naha maranéhna (bakal nuturkeun karuhun-karuhun maranéhna), najan sabenerna sétan ngajak ka maranéhna kana jero siksaan anu ngabebela (naraka)?

۞ وَمَنْ يُّسْلِمْ وَجْهَهٗٓ اِلَى اللّٰهِ وَهُوَ مُحْسِنٌ فَقَدِ اسْتَمْسَكَ بِالْعُرْوَةِ الْوُثْقٰىۗ وَاِلَى اللّٰهِ عَاقِبَةُ الْاُمُوْرِ٢٢
Wa may yuslim wajhahū ilallāhi wa huwa muḥsinun faqadistamsaka bil-‘urwatil-wuṡqā, wa ilallāhi ‘āqibatul-umūr(i).
[22] Saha baé anu sumerah diri ka Allah tur anjeunna téh muhsin, nya sabenerna anjeunna téh geus muntang pageuh kana tali anu kuat. Mung ka Allah panungtungan sagala perkara.

وَمَنْ كَفَرَ فَلَا يَحْزُنْكَ كُفْرُهٗۗ اِلَيْنَا مَرْجِعُهُمْ فَنُنَبِّئُهُمْ بِمَا عَمِلُوْاۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌۢ بِذَاتِ الصُّدُوْرِ٢٣
Wa man kafara falā yaḥzunka kufruh(ū), ilainā marji‘uhum fanunabbi'uhum bimā ‘amilū, innallāha ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[23] Saha baé anu kupur, nya kakupuranana téh ulah matak ngajadikeun hidep (Muhammad) sedih. Mung ka Kami tempat pangbalikan maranéhna téh, terus Kami bakal ngabéwarakeun ka maranéhna naon anu geus dipilampah ku maranéhna. Saleresna Allah téh Mahauninga kana sagala eusi haté.

نُمَتِّعُهُمْ قَلِيْلًا ثُمَّ نَضْطَرُّهُمْ اِلٰى عَذَابٍ غَلِيْظٍ٢٤
Numatti‘uhum qalīlan ṡumma naḍṭarruhum ilā ‘ażābin galīẓ(in).
[24] Kami ngantep maranéhna suka bungah sakeudeung, tuluy Kami maksa maranéhna (asup) kana jero siksaan anu rongkah.

وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ لَيَقُوْلُنَّ اللّٰهُ ۗقُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ ۗبَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٢٥
Wa la'in sa'altahum man khalaqas-samāwāti wal-arḍa layaqūlunnallāh(u), qulil-ḥamdu lillāh(i), bal akṡaruhum lā ya‘lamūn(a).
[25] Sabenerna, upama hidep (Muhammad) nanyakeun ka maranéhna, “Saha anu nyiptakeun langit jeung bumi?” tangtu maranéhna bakal ngajawab, “Allah.” Pok ucapkeun, “Sadaya puji kagungan Allah, tapi kalolobaan maranéhna mah henteu nyahoeun.”

لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اِنَّ اللّٰهَ هُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيْدُ٢٦
Lillāhi mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), innallāha huwal-ganiyyul-ḥamīd(u).
[26] Mung kagungan Allah naon nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Saleresna Mantenna Mahasugih (tur) Mahapinuji.

وَلَوْ اَنَّ مَا فِى الْاَرْضِ مِنْ شَجَرَةٍ اَقْلَامٌ وَّالْبَحْرُ يَمُدُّهٗ مِنْۢ بَعْدِهٖ سَبْعَةُ اَبْحُرٍ مَّا نَفِدَتْ كَلِمٰتُ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٢٧
Wa lau anna mā fil-arḍi min syajaratin aqlāmuw wal-baḥru yamudduhū mim ba‘dihī sab‘atu abḥurim mā nafidat kalimātullāh(i), innallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[27] Saupama tatangkalan di bumi dijieun mangpirang-pirang kalam jeung lautan (dijieun mangsina) ditambah tujuh lautan deui sanggeus (garing)na, pasti moal béak-béak (dituliskeun) éta kalimah-kalimah Allah téh 688 (ditulis ku éta mangsi). Saleresna Allah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.
688) Èlmu pangaweruh-Na tur kawijaksanaana-Na (hikmah-Na), nyaéta sakabéh nu aya moal cukup lamun dipaké keur nuliskeun kaagungan dawuhan-dawuhan Allah

مَا خَلْقُكُمْ وَلَا بَعْثُكُمْ اِلَّا كَنَفْسٍ وَّاحِدَةٍ ۗاِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌۢ بَصِيْرٌ٢٨
Mā khalqukum wa lā ba‘ṡukum illā kanafsiw wāḥidah(tin), innallāha samī‘um baṣīr(un).
[28] Nyiptakeun jeung ngahudangkeun aranjeun (kanggo Allah) mah ngan wungkul siga (gampangna nyiptakeun jeung ngahudangkeun) hiji nyawa baé. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.

اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يُوْلِجُ الَّيْلَ فِى النَّهَارِ وَيُوْلِجُ النَّهَارَ فِى الَّيْلِ وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَۖ كُلٌّ يَّجْرِيْٓ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى وَّاَنَّ اللّٰهَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ٢٩
Alam tara annallāha yūlijul-laila fin-nahāri wa yūlijun-nahāra fil-laili wa sakhkharasy-syamsa wal-qamar(a), kulluy yajrī ilā ajalim musammaw wa annallāha bimā ta‘malūna khabīr(un).
[29] Naha anjeun henteu niténan yén saleresna Allah ngalebetkeun peuting kana beurang jeung ngalebetkeun beurang kana peuting, tur nundukkeun panonpoé jeung bulan, masing-masing muter nepi ka waktu anu geus ditangtukeun? (Naha anjeun henteu niténan yén) saleresna Allah Mahauninga kana rupa-rupa anu dipilampah ku aranjeun?

ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْحَقُّ وَاَنَّ مَا يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهِ الْبَاطِلُۙ وَاَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْعَلِيُّ الْكَبِيْرُ ࣖ٣٠
Żālika bi'annallāha huwal-ḥaqqu wa anna mā yad‘ūna min dūnihil-bāṭil(u), wa annallāha huwal-‘aliyyul-kabīr(u).
[30] Èta téh lantaran saleresna mung Allah (Pangéran) anu saleres-leresna, naon baé anu ku maranéhna disambat salian ti Allah téh éta batil, jeung saleresna Allah Mahaluhung (tur) Mahaagung.

اَلَمْ تَرَ اَنَّ الْفُلْكَ تَجْرِيْ فِى الْبَحْرِ بِنِعْمَتِ اللّٰهِ لِيُرِيَكُمْ مِّنْ اٰيٰتِهٖۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّكُلِّ صَبَّارٍ شَكُوْرٍ٣١
Alam tara annal-fulka tajrī fil-baḥri bini‘matillāhi liyuriyakum min āyātih(ī), inna fī żālika la'āyātil likulli ṣabbārin syakūr(in).
[31] Naha anjeun henteu niténan yén sabenerna parahu nu lalayaran di laut téh kalayan ni’mat ti Allah sangkan Mantenna némbongkeun sawaréh tina tanda-tanda (kaagungan)-Na. Sabenerna dina hal éta téh aya tanda-tanda pikeun unggal jalma anu kacida sabarna tur kacida sukurna.

وَاِذَا غَشِيَهُمْ مَّوْجٌ كَالظُّلَلِ دَعَوُا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۚ فَلَمَّا نَجّٰىهُمْ اِلَى الْبَرِّ فَمِنْهُمْ مُّقْتَصِدٌۗ وَمَا يَجْحَدُ بِاٰيٰتِنَآ اِلَّا كُلُّ خَتَّارٍ كَفُوْرٍ٣٢
Wa iżā gasyiyahum maujun kaẓ-ẓulali da‘awullāha mukhliṣīna lahud-dīn(a), falammā najjāhum ilal-barri faminhum muqtaṣid(un), wa mā yajḥadu bi'āyātinā illā kullu khattārin kafūr(in).
[32] Upama maranéhna digulung ku ombak gédé lir méga nu kandel, maranéhna ngadoa ka Allah kalayan ngamurnikeun ageman mung pikeun Mantenna. Tuluy, waktu Allah nyalametkeun maranéhna nepi ka darat, ngan sawaréh ti antara maranéhna anu tetep aya dina jalan nu lempeng. 689 Taya nu ingkar kana ayat-ayat Kami iwal ti tukang ngahianat nu teu mulang tarima.
689) alan nu lempeng téh nyaéta ngaku yén Allah Swt. téh tunggal.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا رَبَّكُمْ وَاخْشَوْا يَوْمًا لَّا يَجْزِيْ وَالِدٌ عَنْ وَّلَدِهٖۖ وَلَا مَوْلُوْدٌ هُوَ جَازٍ عَنْ وَّالِدِهٖ شَيْـًٔاۗ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ فَلَا تَغُرَّنَّكُمُ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَاۗ وَلَا يَغُرَّنَّكُمْ بِاللّٰهِ الْغَرُوْرُ٣٣
Ya ayyuhan-nāsuttaqū rabbakum wakhsyau yaumal lā yajzī wālidun ‘aw waladih(ī), wa lā maulūdun huwa jāzin ‘aw wālidihī syai'ā(n), inna wa‘dallāhi ḥaqqun falā tagurrannakumul-ḥayātud-dun-yā, wa lā yagurrannakum billāhil-garūr(u).
[33] Hé manusa, kudu takwa ka Pangéran aranjeun jeung kudu sieun kana poé anu (waktu) hiji bapa moal bisa mélaan anakna jeung hiji anak moal bisa (ogé) mélaan bapana saeutik ogé! Sabenerna jangji Allah éta bener, mangka omat pisan aranjeun sakali ogé ulah kaperdaya ku kahirupan dunya jeung ulah nepi ka ku sabab (kahadéan-kahadéan) ti Allah, aranjeun diperdaya ku tukang tipu.

اِنَّ اللّٰهَ عِنْدَهٗ عِلْمُ السَّاعَةِۚ وَيُنَزِّلُ الْغَيْثَۚ وَيَعْلَمُ مَا فِى الْاَرْحَامِۗ وَمَا تَدْرِيْ نَفْسٌ مَّاذَا تَكْسِبُ غَدًاۗ وَمَا تَدْرِيْ نَفْسٌۢ بِاَيِّ اَرْضٍ تَمُوْتُۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ خَبِيْرٌ ࣖ٣٤
Innallāha ‘indahū ‘ilmus-sā‘ah(ti), wa yunazzilul-gaiṡ(a), wa ya‘lamu mā fil-arḥām(i), wa mā tadrī nafsum māżā taksibu gadā(n), wa mā tadrī nafsum bi'ayyi arḍin tamūt(u), innallāha ‘alīmun khabīr(un).
[34] Saleresna Allah kagungan élmu ngeunaan Poé Kiamat, nurunkeun hujan, sareng uninga kana naon anu aya dina jero rahim. Taya saurang ogé anu nyaho (kalayan pasti) kana naon anu rék dipigawéna isukan. 690 (Kitu ogé) taya saurang ogé nu nyaho di bumi mana manéhna bakal maot. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahawaspada.
690) Manusa téh teu bisa mikanyaho kalayan pasti naon anu rék dilakukeunana isuk atawa naon nu rék tumiba, tapi manusa tetep diwajibkeun usaha.