Surah Ar-Rum

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ ۚ١
Alif lām mīm.
[1] Alif Lām Mīm. 667
667) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

غُلِبَتِ الرُّوْمُۙ٢
Gulibatir-rūm(u).
[2] Bangsa Romawi geus diéléhkeun (kalayan hina), 668
668) Romawi anu pusatna di Konstantinopel.

فِيْٓ اَدْنَى الْاَرْضِ وَهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ غَلَبِهِمْ سَيَغْلِبُوْنَۙ٣
Fī adnal-arḍi wa hum mim ba‘di galabihim sayaglibūn(a).
[3] di nagri anu pangdeukeutna 669 jeung maranéhna téh sanggeus éléhna éta bakal meunang, 670
669) Nu pangdeukeutna jeung nagri Arab téh nyaéta Suriah jeung Palestina, waktu éta jadi jajahan karajaan Romawi. 670) Bangsa Romawi téh (waktu ayat ieu turun), nyaéta bangsa Nasrani nu miboga Kitab Suci, sedengkeun bangsa Persia ngagem agama Majusi, maranéhna nyembah seuneu jeung patung (musyrik). Éta dua bangsa téh perang. Waktu béja éléhna bangsa Romawi ku bangsa Persia nepi ka kaom Musrik Mekah, maranéhna kacida bungaheunana, ku lantaran maranéhna mah mihak ka bangsa Persia. Sedengkeun kaom muslimin sabalikna, ngarasa kuciwa jeung sedih. Tuluy turun ayat ieu jeung ayat saterusna nu ngajelaskeun yén sanggeus tumiba éléh perang, bangsa Romawi bakal unggul dina sawatara taun kahareup. Kajadian ieu téh éstuning bener-bener jadi nyata. Sawatara taun hareupn bangsa Romawi ngéléhkeun bangsa Persia. kajadian ieuméré bukti yén Nabi Muhammad Saw. bener-bener mangrupakeun nabi jeung rasul, jeung Al-Qur’an téh bener-bener mangrupakeun dawuhan Allah Swt.

فِيْ بِضْعِ سِنِيْنَ ەۗ لِلّٰهِ الْاَمْرُ مِنْ قَبْلُ وَمِنْۢ بَعْدُ ۗوَيَوْمَىِٕذٍ يَّفْرَحُ الْمُؤْمِنُوْنَۙ٤
Fī biḍ‘i sinīn(a), lillāhil-amru min qablu wa mim ba‘d(u), wa yauma'iżiy yafraḥul-mu'minūn(a).
[4] dina sababaraha taun (deui). 671 Mung kagungan Allah urusan saméméh jeung sanggeusna (maranéhna meunang). Dina éta poé (kaunggulan bangsa Rumawi) nya gumbira jalma-jalma mu’min,
671) Antara tilu nepi ka salapan taun. Wanci éléhna bangsa Romawi téh taun 614 H-615 H., waktu unggul perang taun 622 M., kira-kira selang tujuh taun.

بِنَصْرِ اللّٰهِ ۗيَنْصُرُ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ٥
Binaṣrillāh(i), yanṣuru may yasyā'(u), wa huwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[5] ku lantaran pitulung Allah. Mantenna nulung ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna Mahagagah (tur) Mahaasih.

وَعْدَ اللّٰهِ ۗ لَا يُخْلِفُ اللّٰهُ وَعْدَهٗ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ٦
Wa‘dallāh(i), lā yukhlifullāhu wa‘dahū wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[6] (Tah éta téh) jangji Allah. Allah moal rék nyulayaan kana jangji-Na, ngan kalolobaanna manusa teu nyahoeun.

يَعْلَمُوْنَ ظَاهِرًا مِّنَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۖ وَهُمْ عَنِ الْاٰخِرَةِ هُمْ غٰفِلُوْنَ٧
Ya‘lamūna ẓāhiram minal-ḥayātid-dun-yā, wa hum ‘anil-ākhirati hum gāfilūn(a).
[7] Maranéhna mah ngan ukur nyaho ka nu lahir (nu nyampak) tina kahirupan dunya, sedengkeun kana (kahirupan) ahérat mah maranéhna téh lalawora.

اَوَلَمْ يَتَفَكَّرُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ ۗ مَا خَلَقَ اللّٰهُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَآ اِلَّا بِالْحَقِّ وَاَجَلٍ مُّسَمًّىۗ وَاِنَّ كَثِيْرًا مِّنَ النَّاسِ بِلِقَاۤئِ رَبِّهِمْ لَكٰفِرُوْنَ٨
Awalam yatafakkarū fī anfusihim, mā khalaqallāhus-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā illā bil-ḥaqqi wa ajalim musammā(n), wa inna kaṡīram minan-nāsi biliqā'i rabbihim lakāfirūn(a).
[8] Naha maranéhna téh henteu mikiran ngeunaan (kajadian) dirina? Allah téh teu nyiptakeun langit, bumi, jeung naon nu aya diantarana, anging kalayan (tujuan) nu bener jeung waktu nu ditangtukeun. Sabenerna loba ti antara manusa téh bener-bener ingkar kana bakal patepung jeung Pangéranana.

اَوَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ كَانُوْٓا اَشَدَّ مِنْهُمْ قُوَّةً وَّاَثَارُوا الْاَرْضَ وَعَمَرُوْهَآ اَكْثَرَ مِمَّا عَمَرُوْهَا وَجَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِۗ فَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيَظْلِمَهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَۗ٩
Awalam yasīrū fil-arḍi fayanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qablihim, kānū asyadda minhum quwwataw wa aṡārul-arḍa wa ‘amarūhā akṡara mimmā ‘amarūhā wa jā'athum rusuluhum bil-bayyināt(i), famā kānallāhu liyaẓlimahum wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[9] Naha maranéhna téh teu ngulampreng di bumi tuluy niténan kumaha tungtungna jalma-jalma saméméh maranéhna (nu ngabohongkeun ka Rasul)? Éta jalma-jalma téh leuwih kuat tibatan maranéhna (sorangan) jeung maranéhna geus ngolah bumi (taneuh) tur ngama’murkeunana ngaleuwihan naon anu geus nu dima'murkeun ku maranéhna. Para rasul geus datang ka maranéhna bari mawa bukti-bukti anu jelas. Allah mah teu pisan-pisan ngadoliman maranéhna, ngan maranéhna nu ngadoliman ka dirina sorangan.

ثُمَّ كَانَ عَاقِبَةَ الَّذِيْنَ اَسَاۤءُوا السُّوْۤاٰىٓ اَنْ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَكَانُوْا بِهَا يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ١٠
Ṡumma kāna ‘āqibatal-lażīna asā'us-sū'ā an każżabū bi'āyātillāhi wa kānū bihā yastahzi'ūn(a).
[10] Tuluy, panungtungan jalma-jalma nu migawé kagoréngan téh nyaéta (wawales) anu panggoréng-goréngna alatan maranéhna ngabohongkeun ayat-ayat Allah jeung sok ngageuhgeuykeunana.

اَللّٰهُ يَبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ ثُمَّ اِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ١١
Allāhu yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduhū ṡumma ilaihi turja‘ūn(a).
[11] Allah téh ngawitan dadamelan (mahluk), lajeng malikan deui (sanggeusna maot). Tuluy, ngan ka Mantenna maranéh dipulangkeun.

وَيَوْمَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ يُبْلِسُ الْمُجْرِمُوْنَ١٢
Wa yauma taqūmus-sā‘atu yublisul-mujrimūn(a).
[12] Dina poé (nalika) kajadian Kiamat, nu daroraka ngabetem peunggas pangharepan.

وَلَمْ يَكُنْ لَّهُمْ مِّنْ شُرَكَاۤىِٕهِمْ شُفَعٰۤؤُا وَكَانُوْا بِشُرَكَاۤىِٕهِمْ كٰفِرِيْنَ١٣
Wa lam yakul lahum min syurakā'ihim syufa‘ā'u wa kānū bisyurakā'ihim kāfirīn(a).
[13] Moal mungkin aya nu méré sapa’at (pitulung) pikeun maranéhna ti berhala-berhalana, sedengkeun maranéhna ingkar ka éta berhala-berhalana. 672
672) Numutkeun sawaréhna ahli tapsir, ayat ieu téh diartikeun, “... malahan maranéhna téh jadi kapir, ku sabab berhala-berhala éta.”

وَيَوْمَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ يَوْمَىِٕذٍ يَّتَفَرَّقُوْنَ١٤
Wa yauma taqūmus-sā‘atu yauma'iżiy yatafarraqūn(a).
[14] Dina poé (nalika) kajadian Kiamat, dina éta poé, manusa paburencay (dina golongan-golongan).

فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَهُمْ فِيْ رَوْضَةٍ يُّحْبَرُوْنَ١٥
Fa ammal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fahum fī rauḍatiy yuḥbarūn(a).
[15] Ari jalma-jalma nu iman jeung nu milampah amal soléh mah, aranjeunna gumbira di taman (sawarga).

وَاَمَّا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا وَلِقَاۤئِ الْاٰخِرَةِ فَاُولٰۤىِٕكَ فِى الْعَذَابِ مُحْضَرُوْنَ١٦
Wa ammal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā wa liqā'il-ākhirati fa'ulā'ika fil-‘ażābi muḥḍarūn(a).
[16] Sedeng jalma-jalma nu kupur sarta ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami tur (ingkar) kana poé patepung di ahérat, éta maranéhna tetep aya dina siksaan (naraka).

فَسُبْحٰنَ اللّٰهِ حِيْنَ تُمْسُوْنَ وَحِيْنَ تُصْبِحُوْنَ١٧
Fa subḥānallāhi ḥīna tumsūna wa ḥīna tuṣbiḥūn(a).
[17] Prak geura muji ka Allah dina aranjeun aya dina wanci burit jeung isuk-isuk (wanci subuh).

وَلَهُ الْحَمْدُ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَعَشِيًّا وَّحِيْنَ تُظْهِرُوْنَ١٨
Wa lahul-ḥamdu fis-samāwāti wal-arḍi wa ‘asyiyyaw wa ḥīna tuẓhirūn(a).
[18] Sadaya puji ngan wungkul kanggé Mantenna di langit jeung di bumi, boh dina wanci burit jeung waktu aranjeun aya dina wanci lohor (tengah poé). 673
673) Maksud muji dina ayat 17 téh nyaéta salat. Ayat 17 jeung 18 ngajelaskeun wanci salat lima waktu.

يُخْرِجُ الْحَيَّ مِنَ الْمَيِّتِ وَيُخْرِجُ الْمَيِّتَ مِنَ الْحَيِّ وَيُحْيِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا ۗوَكَذٰلِكَ تُخْرَجُوْنَ ࣖ١٩
Yukhrijul-ḥayya minal-mayyiti wa yukhrijul-mayyita minal-ḥayyi wa yuḥyil-arḍa ba‘da mautihā, wa każālika tukhrajūn(a).
[19] Mantenna ngaluarkeun nu hirup ti nu paéh jeung ngaluarkeun nu paéh ti nu hirup, jeung ngahirupkeun bumi sanggeus paéh (angar). Tah ku cara kitu aranjeun bakal dikaluarkeun (tina kubur).

وَمِنْ اٰيٰتِهٖٓ اَنْ خَلَقَكُمْ مِّنْ تُرَابٍ ثُمَّ اِذَآ اَنْتُمْ بَشَرٌ تَنْتَشِرُوْنَ٢٠
Wa min āyātihī an khalaqakum min turābin ṡumma iżā antum basyarun tantasyirūn(a).
[20] Ti antara tanda-tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta Mantenna nyiptakeun (karuhun) aranjeun (Adam) tina taneuh, tuluy dadaksakala aranjeun jleg (jadi) manusa nu (baranahan sarta) nyebar.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖٓ اَنْ خَلَقَ لَكُمْ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ اَزْوَاجًا لِّتَسْكُنُوْٓا اِلَيْهَا وَجَعَلَ بَيْنَكُمْ مَّوَدَّةً وَّرَحْمَةً ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ٢١
Wa min āyātihī an khalaqa lakum min anfusikum azwājal litaskunū ilaihā wa ja‘ala bainakum mawaddataw wa raḥmah(tan), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yatafakkarūn(a).
[21] Ti antara tanda-tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta yén Mantenna nyiptakeun papasangan pikeun aranjeun ti (jinis) aranjeun sorangan sangkan aranjeun ngarasa tengtrem ka manéhna. Mantenna ngadamel rasa cinta jeung rasa deudeuh di antara aranjeun. Sabenerna dina hal éta téh bener-bener aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun kaom anu mikir.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖ خَلْقُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَاخْتِلَافُ اَلْسِنَتِكُمْ وَاَلْوَانِكُمْۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّلْعٰلِمِيْنَ٢٢
Wa min āyātihī khalqus-samāwāti wal-arḍi wakhtilāfu alsinatikum wa alwānikum, inna fī żālika la'āyātil lil-‘ālimīn(a).
[22] Ti antara tanda-tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta diciptakeunana langit jeung bumi, sarta béda-bédana waktu aranjeun jeung warna kulit aranjeun. Sabenerna dina hal éta téh aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma nu boga élmu.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖ مَنَامُكُمْ بِالَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَابْتِغَاۤؤُكُمْ مِّنْ فَضْلِهٖۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّسْمَعُوْنَ٢٣
Wa min āyātihī manāmukum bil-laili wan-nahāri wabtigā'ukum min faḍlih(ī), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yasma‘ūn(a).
[23] Ti antara tanda-tanda (kaagungan jeung kakawasaan) Mantenna téh nyaéta saréna aranjeun ti peuting jeung ti beurang jeung usahana maranéh néangan sabagian tina kurnia Mantenna. Sabenerna dina hal éta téh aya tanda-tanda pikeun kaom nu ngadéngé.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖ يُرِيْكُمُ الْبَرْقَ خَوْفًا وَّطَمَعًا وَّيُنَزِّلُ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَيُحْيٖ بِهِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَاۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٢٤
Wa min āyātihī yurīkumul-barqa khaufaw wa ṭama‘aw wa yunazzilu minas-samā'i mā'an fa yuḥyī bihil-arḍa ba‘da mautihā, inna fī żālika la'āyātil liqaumiy ya‘qilūn(a).
[24] Ti antara tanda-tanda (kaagungan jeung kakawasaan) Mantenna téh nyaéta yén Mantenna némbongkeun gélédég ka aranjeun pikeun (mawa) rasa sieun jeung harepan. Mantenna nurunkeun cai (hujan) ti langit, tuluy ku éta cai Mantenna ngahirupkeun bumi sanggeus paéh (angar). Sabenerna dina hal éta téh aya tanda-tanda pikeun kaom anu mikir.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖٓ اَنْ تَقُوْمَ السَّمَاۤءُ وَالْاَرْضُ بِاَمْرِهٖۗ ثُمَّ اِذَا دَعَاكُمْ دَعْوَةًۖ مِّنَ الْاَرْضِ اِذَآ اَنْتُمْ تَخْرُجُوْنَ٢٥
Wa min āyātihī an taqūmas-samā'u wal-arḍu bi'amrih(ī), ṡumma iżā da‘ākum da‘watam minal-arḍi iżā antum takhrujūn(a).
[25] Ti antara tanda-tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta ngadegna langit jeung bumi ku kersa Mantenna. Tuluy, waktu Mantenna ngagentraan aranjeun (dina Poé Kiamat) sakali baé ti bumi, jol breg baé aranjeun kaluar (ti jero kubur).

وَلَهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ كُلٌّ لَّهٗ قٰنِتُوْنَ٢٦
Wa lahū man fis-samāwāti wal-arḍ(i), kullul lahū qānitūn(a).
[26] Mung kaagungan Mantenna sakur nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Sadayana tunduk ka Mantenna.

وَهُوَ الَّذِيْ يَبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ وَهُوَ اَهْوَنُ عَلَيْهِۗ وَلَهُ الْمَثَلُ الْاَعْلٰى فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ٢٧
Wa huwal-lażī yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduhū wa huwa ahwanu ‘alaih(i), wa lahul-maṡalul-a‘lā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[27] Mung Mantenna wungkul anu ngawitan nyiptakeun, lajeng malikanana deui (sanggeus ancurna). Éta téh leuwih gampil kanggo Mantenna mah. Mung kagungan Mantenna wungkul sipat nu pangluhurna di langit jeung bumi. Mantenna Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

ضَرَبَ لَكُمْ مَّثَلًا مِّنْ اَنْفُسِكُمْۗ هَلْ لَّكُمْ مِّنْ مَّا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ مِّنْ شُرَكَاۤءَ فِيْ مَا رَزَقْنٰكُمْ فَاَنْتُمْ فِيْهِ سَوَاۤءٌ تَخَافُوْنَهُمْ كَخِيْفَتِكُمْ اَنْفُسَكُمْۗ كَذٰلِكَ نُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٢٨
Ḍaraba lakum maṡalam min anfusikum, hal lakum mim mā malakat aimānukum min syurakā'a fī mā razaqnākum fa'antum fīhi sawā'un takhāfūnahum kakhīfatikum anfusakum, każālika nufaṣṣilul-āyāti liqaumiy ya‘qilūn(a).
[28] Mantenna ngadamel misil pikeun aranjeun ti diri aranjeun sorangan. Naha (aranjeun rido lamun) ti antara abid nu dipiboga ku aranjeun marengan aranjeun (miboga hak) rejeki nu ku Kami dipaparinkeun ka aranjeun, nepi ka aranjeun jadi satara jeung maranéhna dina hal ieu? Aranjeun tangtu bakal sieun ka maranéhna saperti aranjeun sieun ku sasama aranjeun. 674 Nya saperti kitu pisan Kami ngajelaskeun éta tanda-tanda pikeun kaom anu ngarti.
674) Eta misil téh ngécéskeun yén teu pantes miboga hak ti antara golongan anu teu satata, saperti antara budak jeung majikan (maula). Komo deui antara mahluk jeung Allah, tangtu leuwih teu pantes.

بَلِ اتَّبَعَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْٓا اَهْوَاۤءَهُمْ بِغَيْرِ عِلْمٍۗ فَمَنْ يَّهْدِيْ مَنْ اَضَلَّ اللّٰهُ ۗوَمَا لَهُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ٢٩
Balittaba‘al-lażīna ẓalamū ahwā'ahum bigairi ‘ilm(in), famay yahdī man aḍallallāh(u), wa mā lahum min nāṣirīn(a).
[29] Tapi, jalma-jalma nu dolim mah nurutkeun hawa napsuna baé kalayaan teu (dumasar) kana élmu. Nya, saha anu bisa méré pituduh ka jalma nu geus disasarkeun ku Allah? Taya saurang ogé nu bakal nulungan ka maranéhna.

فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۗ فِطْرَتَ اللّٰهِ الَّتِيْ فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَاۗ لَا تَبْدِيْلَ لِخَلْقِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُۙ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ٣٠
Fa aqim wajhaka lid-dīni ḥanīfā(n), fiṭratallāhil-latī faṭaran-nāsa ‘alaihā, lā tabdīla likhalqillāh(i), żālikad-dīnul-qayyim(u), wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[30] Mangka, prak geura sanghareupkeun beungeut hidep kalayan lempeng kana agama (Islam luyu) jeung pitrah (ti) Allah nu geus nyiptakeun manusa luyu jeung éta (fitrah). 675 Taya anu robah dina (éta) ciptaan Allah. Éta téh agama anu lempeng, ngan kalolobaan manusa teu nyaho.
675) Fitrah Allah maksudna ciptaan Allah. Manusa diciptakeun ku Allah ngabogaan fitrah ngagem agama taohid. Lamun aya manusa teu miboga agama, tinangtu teu luyu jeung fitrahna.

۞ مُنِيْبِيْنَ اِلَيْهِ وَاتَّقُوْهُ وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَلَا تَكُوْنُوْا مِنَ الْمُشْرِكِيْنَۙ٣١
Munībīna ilaihi wattaqūhu wa aqīmuṣ-ṣalāta wa lā takūnū minal-musyrikīn(a).
[31] (Prak sanghareupkeun beungeut aranjeun) dina kaayaan mulang (tobat) ka Mantenna. Prak kudu takwa aranjeun ka Mantenna, adegkeun salat, sarta kadé aranjeun ulah kaasup jalma-jalma musrik,

مِنَ الَّذِيْنَ فَرَّقُوْا دِيْنَهُمْ وَكَانُوْا شِيَعًا ۗ كُلُّ حِزْبٍۢ بِمَا لَدَيْهِمْ فَرِحُوْنَ٣٢
Minal-lażīna farraqū dīnahum wa kānū syiya‘ā(n), kullu ḥizbim bimā ladaihim fariḥūn(a).
[32] (nyaéta) jalma-jalma anu ngaburencaykeun agama maranéhna 676 nepi ka jadi sababaraha golongan. Unggal golongan ngarasa reueus ku naon nu aya di maranéhna.
676) Ninggalkeun agama taohid jeung ngagem mangpirang-pirang kayakinan nurutkeun kahayang maranéhna.

وَاِذَا مَسَّ النَّاسَ ضُرٌّ دَعَوْا رَبَّهُمْ مُّنِيْبِيْنَ اِلَيْهِ ثُمَّ اِذَآ اَذَاقَهُمْ مِّنْهُ رَحْمَةً اِذَا فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ بِرَبِّهِمْ يُشْرِكُوْنَۙ٣٣
Wa iżā massan-nāsa ḍurrun da‘au rabbahum munībīna ilaihi ṡumma iżā ażāqahum minhu raḥmatan iżā farīqum minhum birabbihim yusyrikūn(a).
[33] Waktu manusa ditibanan ku hiji pibahayaeun, maranéhna sasambat ka Pangéranana kalayan balik (tobat) ka Mantenna. Tuluy, waktu Mantenna maparin rahmat-Na 677 ka maranéhna, ngadadak sawaréh ti maranéhna musrik ka Pangéranana.
677) Nu dimaksud “rahmat” nyaéta leupas tina bahaya.

لِيَكْفُرُوْا بِمَآ اٰتَيْنٰهُمْۗ فَتَمَتَّعُوْاۗ فَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَ٣٤
Liyakfurū bimā ātaināhum, fatamatta‘ū, fasaufa ta‘lamūn(a).
[34] Keun baé antep maranéhna (jalma-jalma musrik) ingkar kana naon anu ku Kami geus dipaparinkeun ka maranéhna. Pék maranéh geura suka bungah, engké maranéh téh bakal nyaho (akibat goréngna pagawéan maranéh),

اَمْ اَنْزَلْنَا عَلَيْهِمْ سُلْطٰنًا فَهُوَ يَتَكَلَّمُ بِمَا كَانُوْا بِهٖ يُشْرِكُوْنَ٣٥
Am anzalnā ‘alaihim sulṭānan fahuwa yatakallamu bimā kānū bihī yusyrikūn(a).
[35] atawa naha Kami kungsi nurunkeun ka maranéhna hujah nu ngajelaskeun (ngabenerkeun) kana naon anu sok disarékatkeun ku maranéhna jeung Mantenna?

وَاِذَآ اَذَقْنَا النَّاسَ رَحْمَةً فَرِحُوْا بِهَاۗ وَاِنْ تُصِبْهُمْ سَيِّئَةٌ ۢبِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْ اِذَا هُمْ يَقْنَطُوْنَ٣٦
Wa iżā ażaqnan-nāsa raḥmatan fariḥū bihā, wa in tuṣibhum sayyi'atum bimā qaddamat aidīhim iżā hum yaqnaṭūn(a).
[36] Upama Kami méré ngasaan hiji rahmat ka manusa, maranéhna téh pada bungah ku éta (rahmat). (Sabalikna), upama maranéhna ditibanan hiji musibah (bahaya) ku sabab kasalahanana sorangan, ngadadak maranéhna peunggas harepan.

اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّ اللّٰهَ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٣٧
Awalam yarau annallāha yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdir(u), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[37] Naha maranéhna téh teu niténan yén sabenerna Allah ngajembarkeun rejeki pikeun saha baé nu dikersakeun ku Mantenna jeung ngaheureutkeunana. Sabenerna dina hal éta téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun kaom nu iman.

فَاٰتِ ذَا الْقُرْبٰى حَقَّهٗ وَالْمِسْكِيْنَ وَابْنَ السَّبِيْلِۗ ذٰلِكَ خَيْرٌ لِّلَّذِيْنَ يُرِيْدُوْنَ وَجْهَ اللّٰهِ ۖوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٣٨
Fa āti żal-qurbā ḥaqqahū wal-miskīna wabnas-sabīl(i), żālika khairul lil-lażīna yurīdūna wajhallāh(i), wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[38] Ku sabab kitu, pék bikeun unggal hakna ka kulawarga deukeut, jalma miskin, jeung ka jalma-jalma anu di satengahing lalampahan. Éta téh leuwih hadé keur jalma-jalma nu néangan karidoan Allah. Éta aranjeunna téh jalma-jalma nu untung.

وَمَآ اٰتَيْتُمْ مِّنْ رِّبًا لِّيَرْبُوَا۟ فِيْٓ اَمْوَالِ النَّاسِ فَلَا يَرْبُوْا عِنْدَ اللّٰهِ ۚوَمَآ اٰتَيْتُمْ مِّنْ زَكٰوةٍ تُرِيْدُوْنَ وَجْهَ اللّٰهِ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُضْعِفُوْنَ٣٩
Wa mā ātaitum mir ribal liyarbuwa fī amwālin-nāsi falā yarbū ‘indallāh(i), wa mā ātaitum min zakātin turīdūna wajhallāhi fa'ulā'ika humul-muḍ‘ifūn(a).
[39] Riba (tambahan) nu ku aranjeun dibikeun sangkan harta manusa nambahan, mangka teu matak nambahan di mungguhing Allah mah. Anapon jakat anu ku aranjeun dibikeun kalayan boga maksud pikeun miharep karidoaan Allah, (nya éta) aranjeuna jalma-jalma nu nikelkeun (ganjaranana) téh.

اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ ثُمَّ رَزَقَكُمْ ثُمَّ يُمِيْتُكُمْ ثُمَّ يُحْيِيْكُمْۗ هَلْ مِنْ شُرَكَاۤىِٕكُمْ مَّنْ يَّفْعَلُ مِنْ ذٰلِكُمْ مِّنْ شَيْءٍۗ سُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ ࣖ٤٠
Allāhul-lażī khalaqakum ṡumma razaqakum ṡumma yumītukum ṡumma yuḥyīkum, hal min syurakā'ikum may yaf‘alu min żālikum min syai'(in), subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[40] Allah nyaéta (Dat) anu nyiptakeun aranjeun, lajeng maparin rejeki ka aranjeun, lajeng ngamaotkeun aranjeun, jeung terus ngahirupkeun aranjeun (deui). Naha aya ti antara maranéhna anu ku aranjeun disarékatkeun (jeung Allah) téh nu bisa ngalakukeun nu saperti kitu? Mahasuci Allah sareng Mahaluhur Mantenna tina naon anu ku maranéhna disarékatkeun.

ظَهَرَ الْفَسَادُ فِى الْبَرِّ وَالْبَحْرِ بِمَا كَسَبَتْ اَيْدِى النَّاسِ لِيُذِيْقَهُمْ بَعْضَ الَّذِيْ عَمِلُوْا لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ٤١
Żaharal-fasādu fil-barri wal-baḥri bimā kasabat aidin-nāsi liyużīqahum ba‘ḍal-lażī ‘amilū la‘allahum yarji‘ūn(a).
[41] Geus nyampak karuksakan di darat jeung di laut ku sabab pagawéan leungeun manusa. (Ku éta perkara) Allah ngersakeun maranéhna ngarasakeun sawaréh tina (akibat) pagawéan maranéhna sangkan maranéhna mulang (kana jalan anu bener).

قُلْ سِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلُۗ كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّشْرِكِيْنَ٤٢
Qul sīrū fil-arḍi fanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qabl(u), kāna akṡaruhum musyrikīn(a).
[42] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Prak geura lumampah di bumi, tuluy pék tengetan kumaha tungtungna jalma-jalma nu baheula. Kalolobaan maranéhna téh nya éta jalma-jalma musrik.”

فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ الْقَيِّمِ مِنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَ يَوْمٌ لَّا مَرَدَّ لَهٗ مِنَ اللّٰهِ يَوْمَىِٕذٍ يَّصَّدَّعُوْنَ٤٣
Fa aqim wajhaka lid-dīnil-qayyimi min qabli ay ya'tiya yaumul lā maradda lahū minallāhi yauma'iżiy yaṣṣadda‘ūn(a).
[43] Ku sabab kitu, prak sanghareupkeun beungeut aranjeun kana agama anu lempeng (Islam) saméméh datang ti Allah hiji poé (Kiamat) nu moal bisa dihalangan. Dina éta poé maranéhna bakal paburencay. 678
678) Nyaéta sawaréh ti maranéhna aya di jero sawarga, jeung sawaréh deui aya di jero naraka.

مَنْ كَفَرَ فَعَلَيْهِ كُفْرُهٗۚ وَمَنْ عَمِلَ صَالِحًا فَلِاَنْفُسِهِمْ يَمْهَدُوْنَۙ٤٤
Man kafara fa ‘alaihi kufruh(ū), wa man ‘amila ṣāliḥan fali'anfusihim yamhadūn(a).
[44] Saha baé anu kupur, nya manéhna sorangan nu nanggung (akibat) kakapiranana. Saha baé anu migawé amal soléh, nya aranjeunna anu nyadiakeun pikeun diri aranjeunna nyalira (tempat nu pikabungaheun),

لِيَجْزِيَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ مِنْ فَضْلِهٖۗ اِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الْكٰفِرِيْنَ٤٥
Liyajziyal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti min faḍlih(ī), innahū lā yuḥibbul-kāfirīn(a).
[45] sangkan Allah maparin wawales (pahala) tina kurnia-Na ka jalma-jalma nu iman jeung milampah kahadéan. Sabenerna Mantenna teu mikaresep ka jalma-jalma kapir.

وَمِنْ اٰيٰتِهٖٓ اَنْ يُّرْسِلَ الرِّيٰحَ مُبَشِّرٰتٍ وَّلِيُذِيْقَكُمْ مِّنْ رَّحْمَتِهٖ وَلِتَجْرِيَ الْفُلْكُ بِاَمْرِهٖ وَلِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٤٦
Wa min āyātihī ay yursilar-riyāḥa mubasysyirātiw wa liyużīqakum mir raḥmatihī wa litajriyal-fulka bi'amrihī wa litabtagū min faḍlihī wa la‘allakum tasykurūn(a).
[46] Ti antara tanda tanda (kaagungan) Mantenna téh nyaéta ngirimkeun angin anu mawa béja pikabungaheun 679 sangkan aranjeun ngarasakeun sawaréh rahmat Mantenna, sangkan parahu bisa lalayaran kalayan paréntah Mantenna, sangkan aranjeun bisa néangan sawaréh tina kurnia Mantenna, jeung sangkan aranjeun sukuran.
679) Anu mawa béja pikabungaheun maksudna méga anu pohara kandelna ditiup ku angin tuluy nurunkeun hujan. Ku sabab éta hujan jadi rahmat Allah, lantaran tumuwuhna sisikian anu geus dipelak jeung héjo ngémploh, bari barijil baruahan.

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ رُسُلًا اِلٰى قَوْمِهِمْ فَجَاۤءُوْهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَانْتَقَمْنَا مِنَ الَّذِيْنَ اَجْرَمُوْاۗ وَكَانَ حَقًّاۖ عَلَيْنَا نَصْرُ الْمُؤْمِنِيْنَ٤٧
Wa laqad arsalnā min qablika rusulan ilā qaumihim fajā'ūhum bil-bayyināti fantaqamnā minal-lażīna ajramū, wa kāna ḥaqqan ‘alainā naṣrul-mu'minīn(a).
[47] Sabenerna Kami geus ngutus saméméh hidep (Muhammad) sababaraha urang rasul ka kaomna. Aranjeunna datang ka maranéhna téh bari mawa katerangan-katerangan (anu cukup), tuluy Kami ngawales ka jalma-jalma nu doraka, 680 minangka tanggung jawab Kami pikeun nulungan jalma-jalma mu’min.
680) Ku sabab datang para rasul mawa risalah keur kaomna, mangka sawaréh ti maranéhna aya nu percaya, jeung sawaréhna deui ngabohongkeun, malah aya ogé anu nyilakakeun rasul. Mangka, keur jalma-jalma anu doraka jiga kitu, Allah nyiksa maranéhna.

اَللّٰهُ الَّذِيْ يُرْسِلُ الرِّيٰحَ فَتُثِيْرُ سَحَابًا فَيَبْسُطُهٗ فِى السَّمَاۤءِ كَيْفَ يَشَاۤءُ وَيَجْعَلُهٗ كِسَفًا فَتَرَى الْوَدْقَ يَخْرُجُ مِنْ خِلٰلِهٖۚ فَاِذَآ اَصَابَ بِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖٓ اِذَا هُمْ يَسْتَبْشِرُوْنَۚ٤٨
Allāhul-lażī yursilur-riyāḥa fatuṡīru saḥāban fayabsuṭuhū fis-samā'i kaifa yasyā'u wa yaj‘aluhū kisafan fataral-wadqa yakhruju min khilālih(ī), fa'iżā aṣāba bihī may yasyā'u min ‘ibādihī iżā hum yastabsyirūn(a).
[48] Allah nu ngirimkeun angin, tuluy éta (angin) ngagiringkeun méga, lajeng Mantenna (Allah) mébérkeun éta méga di langit nurutkeun pangersa Mantenna sarta ngajadikeun éta méga téh gugundukan, tuluy hidep ningali hujan barijil tina sela-selana. Mangka, upama Mantenna nurunkeunana ka hamba-hamba-Na nu dikersakeun ku Mantenna, ngadadak maranéhna téh gumbira,

وَاِنْ كَانُوْا مِنْ قَبْلِ اَنْ يُّنَزَّلَ عَلَيْهِمْ مِّنْ قَبْلِهٖ لَمُبْلِسِيْنَۚ٤٩
Wa in kānū min qabli ay yunazzala ‘alaihim min qablihī lamublisīn(a).
[49] padahal saenyana saméméh hujan diturunkeun, maranéhna bener-bener geus peunggas harepan.

فَانْظُرْ اِلٰٓى اٰثٰرِ رَحْمَتِ اللّٰهِ كَيْفَ يُحْيِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَاۗ اِنَّ ذٰلِكَ لَمُحْيِ الْمَوْتٰىۚ وَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٥٠
Fanẓur ilā āṡāri raḥmatillāhi kaifa yuḥyil-arḍa ba‘da mautihā, inna żālika lamuḥyil-mautā, wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[50] Pék tengetan tapak-tapak rahmat Allah, kumaha Mantenna ngahirupkeun bumi sanggeus paéh (angar). Sabenerna éta (Dat nu midamelna) téh pasti kawasa ngahirupkeun jalma nu geus maot. Mantenna Mahakawasa kana sagala rupa perkara.

وَلَىِٕنْ اَرْسَلْنَا رِيْحًا فَرَاَوْهُ مُصْفَرًّا لَّظَلُّوْا مِنْۢ بَعْدِهٖ يَكْفُرُوْنَ٥١
Wa la'in arsalnā rīḥan fara'auhu muṣfarral laẓallū mim ba‘dihī yakfurūn(a).
[51] Sabenerna, upama Kami ngirimkeun angin, tuluy maranéhna nénjo (tutuwuhan-tutuwuhan) jadi konéng, (garing, jeung ruksak), tangtu sanggeusna éta téh maranéhna bener-bener tetep ingkar.

فَاِنَّكَ لَا تُسْمِعُ الْمَوْتٰى وَلَا تُسْمِعُ الصُّمَّ الدُّعَاۤءَ اِذَا وَلَّوْا مُدْبِرِيْنَ٥٢
Fa innaka lā tusmi‘ul-mautā wa lā tusmi‘uṣ-ṣummad-du‘ā'a iżā wallau mudbirīn(a).
[52] Sabenerna hidep (Muhammad) moal bakal sanggup ngajadikeun jalma-jalma nu maot jeung jalma-jalma nu torék bisa ngadéngé panggero waktu maranéhna ngabalieur malik nonggongan. 681
681) Jalma kapir disaruakeun ku Allah jeung jalma nu geus maot, anu moal bisa ngadéngé atikan-atikan. Manéhna jalma-jalma kapir disaruakeun ogé jeung jalma torék anu teu bisa ngadéngé panggerona, ku lantaran maranéhna nukang nonggong.

وَمَآ اَنْتَ بِهٰدِ الْعُمْيِ عَنْ ضَلٰلَتِهِمْۗ اِنْ تُسْمِعُ اِلَّا مَنْ يُّؤْمِنُ بِاٰيٰتِنَا فَهُمْ مُّسْلِمُوْنَ ࣖ٥٣
Wa mā anta bihādil-‘umyi ‘an ḍalālatihim, in tusmi‘u illā may yu'minu bi'āyātinā fahum muslimūn(a).
[53] Hidep lain nu maparin pituduh ka jalma-jalma nu lolong (ati sanubarina) tina kasasaranana. Hidep moal bisa méré béja (pituduh Pangéran), kajaba ka jalma-jalma nu iman kana ayat-ayat Kami. Nya aranjeunna téh jalma-jalma nu sumerah diri (ka Kami).

۞ اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ مِّنْ ضَعْفٍ ثُمَّ جَعَلَ مِنْۢ بَعْدِ ضَعْفٍ قُوَّةً ثُمَّ جَعَلَ مِنْۢ بَعْدِ قُوَّةٍ ضَعْفًا وَّشَيْبَةً ۗيَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُۚ وَهُوَ الْعَلِيْمُ الْقَدِيْرُ٥٤
Allāhul-lażī khalaqakum min ḍa‘fin ṡumma ja‘ala mim ba‘di ḍa‘fin quwwatan ṡumma ja‘ala mim ba‘di quwwatin ḍa‘faw wa syaibah(tan), yakhluqu mā yasyā'(u), wa huwal-‘alīmul-qadīr(u).
[54] Allah téh nyaéta Dat nu nyiptakeun aranjeun tina kaayaan lemah, tuluy Mantenna ngajadikeun (aranjeun) kuat sanggeusna lemah. Tuluy, Mantenna ngajadikeun (aranjeun) jadi héngkér (deui) sanggeusna kuat jeung huisan. Mantenna nyiptakeun naon nu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna Mahauninga (tur) Mahakawasa.

وَيَوْمَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ يُقْسِمُ الْمُجْرِمُوْنَ ەۙ مَا لَبِثُوْا غَيْرَ سَاعَةٍ ۗ كَذٰلِكَ كَانُوْا يُؤْفَكُوْنَ٥٥
Wa yauma taqūmus-sā‘atu yuqsimul-mujrimūn(a), mā labiṡū gaira sā‘ah(tin), każālika kānū yu'fakūn(a).
[55] Dina poé (nalika) kajadian Kiamat, jalma-jalma nu doraka (kapir) susumpahan yén maranéhna cicing (dina jero kubur) téh ngan sakeudeung (pisan). Tah kitu pisan baheula maranéhna dibalieurkeun (tina bebeneran). 682
682) Saperti manéhna geus ngabohong dina tiap omonganana, saperti kitu ogé manéhna ngabohong di dunya.

وَقَالَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ وَالْاِيْمَانَ لَقَدْ لَبِثْتُمْ فِيْ كِتٰبِ اللّٰهِ اِلٰى يَوْمِ الْبَعْثِۖ فَهٰذَا يَوْمُ الْبَعْثِ وَلٰكِنَّكُمْ كُنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ٥٦
Wa qālal-lażīna ūtul-‘ilma wal-īmāna laqad labiṡtum fī kitābillāhi ilā yaumil-ba‘ṡ(i), fa hāżā yaumul-ba‘ṡi wa lākinnakum kuntum lā ta‘lamūn(a).
[56] Jalma-jalma nu dipaparinan élmu katut iman nyarios (ka jalma-jalma kapir), “Sabenerna maranéh geus cicing (dina jero kubur) numutkeun katetepan Allah nepi ka poé dihudangkeun. Mangka, tah ayeuna pisan poéan dihudangkeun téh, tapi baheula maranéh téh henteu nyaho (yén éta téh bener ayana).”

فَيَوْمَىِٕذٍ لَّا يَنْفَعُ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مَعْذِرَتُهُمْ وَلَا هُمْ يُسْتَعْتَبُوْنَ٥٧
Fa yauma'iżil lā yanfa‘ul-lażīna ẓalamū ma‘żiratuhum wa lā hum yusta‘tabūn(a).
[57] Dina éta poé, taya gunana (deui) alesan (jeung paménta hampura) jalma-jalma nu dolim jeung maranéhna teu dibéré kasempetan pisan pikeun tobat deui.

وَلَقَدْ ضَرَبْنَا لِلنَّاسِ فِيْ هٰذَا الْقُرْاٰنِ مِنْ كُلِّ مَثَلٍۗ وَلَىِٕنْ جِئْتَهُمْ بِاٰيَةٍ لَّيَقُوْلَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ اَنْتُمْ اِلَّا مُبْطِلُوْنَ٥٨
Wa laqad ḍarabnā lin-nāsi fī hāżal-qur'āni min kulli maṡal(in), wa la'in ji'tahum bi'āyatil layaqūlannal-lażīna kafarū in antum illā mubṭilūn(a).
[58] Tétéla Kami bener-bener geus ngajelaskeun dina Al-Qur’an ieu téh sagala rupa misil keur manusa. Tétéla, upama hidep mawa hiji ayat ka maranéhna, pasti jalma-jalma kapir téh bakal ngomong, “Anjeun ngan wungkul nu nyieun kapalsuan wungkul.”

كَذٰلِكَ يَطْبَعُ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِ الَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ٥٩
Każālika yaṭba‘ullāhu ‘alā qulūbil-lażīna lā ya‘lamūn(a).
[59] Tah kitu Allah ngonci haté jalma-jalma nu teu (daék) nyaho.

فَاصْبِرْ اِنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّلَا يَسْتَخِفَّنَّكَ الَّذِيْنَ لَا يُوْقِنُوْنَ ࣖ٦٠
Faṣbir inna wa‘dallāhi ḥaqquw wa lā yastakhiffannakal-lażīna lā yūqinūn(a).
[60] Mangka, hidep sing sabar! Sabenerna jangji Allah téh bener. Ulah nepi ka jalma-jalma nu henteu yakin (kana bebeneran ayat-ayat Allah) téh nyababkeun hidep sedih.