Surah Ali `Imran

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ١
Alif lām mīm.
[1] Alif Lām Mīm. 108
108) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ الْحَيُّ الْقَيُّوْمُۗ٢
Allāhu lā ilāha illā huwal-ḥayyul-qayyūm(u).
[2] Allah, teu aya deui Pangéran anging Mantenna, Nu Mahahirup, (tur) anu teras-terasan ngurus (mahluk-Na). 109
109) Allah ngatur langit jeung bumi sarta eusina.

نَزَّلَ عَلَيْكَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ وَاَنْزَلَ التَّوْرٰىةَ وَالْاِنْجِيْلَۙ٣
Nazzala ‘alaikal-kitāba bil-ḥaqqi muṣaddiqal limā baina yadaihi wa anzalat-taurāta wal-injīl(a).
[3] Mantenna nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) kalayan ḥaq (bener jeung ngandung pituduh), anu ngaenyakeun kana (kitab-kitab anu diturunkeun) saméméhna sarta geus nurunkeun Torét jeung Injil,

مِنْ قَبْلُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَاَنْزَلَ الْفُرْقَانَ ەۗ اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيْدٌ ۗوَاللّٰهُ عَزِيْزٌ ذُو انْتِقَامٍۗ٤
Min qablu hudal lin-nāsi wa anzalal-furqān(a), innal-lażīna kafarū bi āyātillāhi lahum ‘ażābun syadīd(un), wallāhu ‘azīzun żuntiqām(in).
[4] saméméhna, minangka pituduh pikeun manusa. Mantenna ogé geus nurunkeun Al-Furqān. 110 Sabenerna jalma-jalma nu ingkar kana ayat-ayat Allah bakal meunang siksaan anu kacida beuratna. Allah Mahaperkasa Anu kagungan wawales.
110) Al-Furqān (Al-Qur’an) nyaéta Kitab anu ngabédakeun antara anu bener jeung nu salah.

اِنَّ اللّٰهَ لَا يَخْفٰى عَلَيْهِ شَيْءٌ فِى الْاَرْضِ وَلَا فِى السَّمَاۤءِ٥
Innallāha lā yakhfā ‘alaihi syai'un fil-arḍi wa lā fis-samā'(i).
[5] Saleresna kanggo Allah mah teu aya hiji perkara ogé anu samar, boh di bumi boh di langit.

هُوَ الَّذِيْ يُصَوِّرُكُمْ فِى الْاَرْحَامِ كَيْفَ يَشَاۤءُ ۗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٦
Huwal-lażī yuṣawwirukum fil-arḥāmi kaifa yasyā'(u), lā ilāha illā huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[6] Nya Mantenna anu ngabentuk aranjeun di jero rahim sakumaha anu dikersakeuna-Na. Teu aya deui Pangéran iwal ti Mantenna Nu Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

هُوَ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ عَلَيْكَ الْكِتٰبَ مِنْهُ اٰيٰتٌ مُّحْكَمٰتٌ هُنَّ اُمُّ الْكِتٰبِ وَاُخَرُ مُتَشٰبِهٰتٌ ۗ فَاَمَّا الَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ زَيْغٌ فَيَتَّبِعُوْنَ مَا تَشَابَهَ مِنْهُ ابْتِغَاۤءَ الْفِتْنَةِ وَابْتِغَاۤءَ تَأْوِيْلِهٖۚ وَمَا يَعْلَمُ تَأْوِيْلَهٗٓ اِلَّا اللّٰهُ ۘوَالرّٰسِخُوْنَ فِى الْعِلْمِ يَقُوْلُوْنَ اٰمَنَّا بِهٖۙ كُلٌّ مِّنْ عِنْدِ رَبِّنَا ۚ وَمَا يَذَّكَّرُ اِلَّآ اُولُوا الْاَلْبَابِ٧
Huwal-lażī anzala ‘alaikal-kitāba minhu āyātum muḥkamātun hunna ummul-kitābi wa ukharu mutasyābihāt(un), fa'ammal-lażīna fī qulūbihim zaigun fayattabi‘ūna mā tasyābaha minhubtigā'al-fitnati wabtigā'a ta'wīlih(ī), wa mā ya‘lamu ta'wīlahū illallāh(u), war-rāsikhūna fil-‘ilmi yaqūlūna āmannā bih(ī), kullum min ‘indi rabbinā, wa mā yażżakkaru illā ulul-albāb(i).
[7] Nya Mantenna anu nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad). Ti antarana aya ayat-ayat nu muḥkamāt, 111 nya éta pisan pokok-pokok Kitab (Al-Qur’an) téh, sedengkeun anu séjénna mah ayat-ayat nu mutasyābihāt. 112 Anapon jalma-jalma anu jero haténa condong kana kasasaran, maranéhna miluan kana ayat-ayat anu mutasyābihāt pikeun néangan pitnah sarta pikeun néangan takwilna, padahal teu aya anu uninga kana ta’wilna anging Allah. (Anapon) jalmi-jalmi anu élmuna masagi nyarios kieu, “Abdi sadaya iman kana éta (Al-Qur’an). Sadayana ti mungguhing Pangéran abdi sadaya.” Teu aya anu bisa ngalap atikan iwal jalma anu boga akal séhat.
111) Ayat-ayat anu jelas sarta teges maksudna, bisa dipahaman kalayan gampang. 112) Ayat-ayat anu ngandung sababaraha maksud, susah dipahaman, atawa mung Allah nyalira anu uninga.

رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ اِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً ۚاِنَّكَ اَنْتَ الْوَهَّابُ٨
Rabbanā lā tuzig qulūbanā ba‘da iż hadaitanā wa hab lanā mil ladunka raḥmah(tan), innaka antal-wahhāb(u).
[8] (Maranѐhna ngadoa), “Nun Gusti Pangѐran abdi sadaya, mugi Gusti henteu méngparkeun hatѐ abdi sadaya (kana kasasaran) saparantos Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya, sareng mugi Gusti maparinkeun rahmat ka abdi sadaya ti mungguhing Gusti. Saleresna Gusti mah Nu Maha Maparin.”

رَبَّنَآ اِنَّكَ جَامِعُ النَّاسِ لِيَوْمٍ لَّا رَيْبَ فِيْهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُخْلِفُ الْمِيْعَادَ ࣖ٩
Rabbanā innaka jāmi‘un-nāsi liyaumil lā raiba fīh(i), innallāha lā yukhliful-mī‘ād(a).
[9] Nun Pangѐran abdi sadaya, saleresna Gusti nu ngempelkeun (sadaya) jalmi dina dinten anu henteu aya deui kamangmangan dina ayana.” Saleresna Allah mah moal sulaya kana jangji-Na.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَنْ تُغْنِيَ عَنْهُمْ اَمْوَالُهُمْ وَلَآ اَوْلَادُهُمْ مِّنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمْ وَقُوْدُ النَّارِۗ١٠
Innal-lażīna kafarū lan tugniya ‘anhum amwāluhum wa lā aulāduhum minallāhi syai'ā(n), wa ulā'ika hum waqūdun-nār(i).
[10] Sabenerna jalma-jalma kapir mah, harta banda jeung anak-anakna saeutik ogѐ moal mѐrѐ mangpaat keur maranѐhna pikeun nyegah (siksaan) Allah. Justru maranѐhna pisan anu jadi suluhna naraka tѐh.

كَدَأْبِ اٰلِ فِرْعَوْنَۙ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۚ فَاَخَذَهُمُ اللّٰهُ بِذُنُوْبِهِمْ ۗ وَاللّٰهُ شَدِيْدُ الْعِقَابِ١١
Kada'bi āli fir‘aun(a), wal-lażīna min qablihim, każżabū bi'āyātinā, fa'akhażahumullāhu biżunūbihim, wallāhu syadīdul-‘iqāb(i).
[11] (Kaayaan maranѐhna tѐh) saperti kaayaan baladna Fir’aun jeung jalma-jalma anu saméméhna. Maranѐhna ngabohongkeun ayat-ayat Kami. Ku kituna, Allah nyiksa maranѐhna ku sabab dosa-dosana. Allah mah Mahabeurat siksaan-Na.

قُلْ لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْا سَتُغْلَبُوْنَ وَتُحْشَرُوْنَ اِلٰى جَهَنَّمَ ۗ وَبِئْسَ الْمِهَادُ١٢
Qul lil-lażīna kafarū satuglabūna wa tuḥsyarūna ilā jahannam(a), wa bi'sal-mihād(u).
[12] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka jalma-jalma kapir, “Maranѐh (pasti) bakal diѐlѐhkeun jeung bakal digiring ka jero naraka Jahanam. Ѐta tѐh panggorѐng-gorѐngna pangdumukan.”

قَدْ كَانَ لَكُمْ اٰيَةٌ فِيْ فِئَتَيْنِ الْتَقَتَا ۗفِئَةٌ تُقَاتِلُ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَاُخْرٰى كَافِرَةٌ يَّرَوْنَهُمْ مِّثْلَيْهِمْ رَأْيَ الْعَيْنِ ۗوَاللّٰهُ يُؤَيِّدُ بِنَصْرِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَعِبْرَةً لِّاُولِى الْاَبْصَارِ١٣
Qad kāna lakum āyatun fī fi'atainil taqatā, fi'atun tuqātilu fī sabīlillāhi wa ukhrā kāfiratuy yaraunahum miṡlaihim ra'yal-‘ain(i), wallāhu yu'ayyidu binaṣrihī may yasyā'(u), inna fī żālika la‘ibratal li'ulil-abṣār(i).
[13] Sabenerna aya atikan keur aranjeun dina (kajadian) dua golongan anu adu hareupan (pikeun perang). 113 Ari nu sagolongan mah perangna tѐh dina jalan Allah, sedengkeun anu sagolongan deui mah (nyaѐta jalma-jalma) kapir anu nѐnjo ku panѐnjo panonna yѐn kaom muslimin lobana téh dua kali lipet ti maranѐhna. Allah mengkuhkeun ku bantuana-Na ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Sabenerna dina ѐta kajadian tѐh aya atikan pikeun jalma-jalma anu boga paningal anu jero.
113) Silih adu hareupan antara ѐta dua golongan tѐh nyaѐta antara kaom muslimin jeung kaom musrikin, lumangsung dina Perang Badar. Badar nyaѐta ngaran hiji tempat anu aya beulah kiduleun Madinah.

زُيِّنَ لِلنَّاسِ حُبُّ الشَّهَوٰتِ مِنَ النِّسَاۤءِ وَالْبَنِيْنَ وَالْقَنَاطِيْرِ الْمُقَنْطَرَةِ مِنَ الذَّهَبِ وَالْفِضَّةِ وَالْخَيْلِ الْمُسَوَّمَةِ وَالْاَنْعَامِ وَالْحَرْثِ ۗ ذٰلِكَ مَتَاعُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۗوَاللّٰهُ عِنْدَهٗ حُسْنُ الْمَاٰبِ١٤
Zuyyina lin-nāsi ḥubbusy-syahawāti minan-nisā'i wal-banīna wal-qanāṭīril-muqanṭarati minaż-żahabi wal-fiḍḍati wal-khailil-musawwamati wal-an‘āmi wal-ḥarṡ(i), żālika matā‘ul-ḥayātid-dun-yā, wallāhu ‘indahū ḥusnul-ma'āb(i).
[14] Dipapaѐskeun keur manusa kacintaan kana hal-hal anu dipikahayang sarupaning wanoja, anak, jeung harta banda anu numpuk mangrupa emas, perak, kuda pilihan, ingon-ingon, 114 jeung sawah (kebon). Ѐta tѐh kasenangan hirup di dunya (anu bakal punah), padahal di mungguhing Allah mah aya tempat mulang anu hadѐ (tur abadi).
114) Sato-sato mangrupa unta, sapi, embѐ, sarta domba.

۞ قُلْ اَؤُنَبِّئُكُمْ بِخَيْرٍ مِّنْ ذٰلِكُمْ ۗ لِلَّذِيْنَ اتَّقَوْا عِنْدَ رَبِّهِمْ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا وَاَزْوَاجٌ مُّطَهَّرَةٌ وَّرِضْوَانٌ مِّنَ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌۢ بِالْعِبَادِۚ١٥
Qul a'unabbi'ukum bikhairim min żālikum, lil-lażīnattaqau ‘inda rabbihim jannātun tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā wa azwājum muṭahharatuw wa riḍwānum minallāh(i), wallāhu baṣīrum bil-‘ibād(i).
[15] Pѐk bѐjakeunku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun hayang dibѐjaan ku kuring naon nu leuwih hadѐ tibatan ѐta?” Pikeun jalma-jalma anu takwa (disayagikeun) di mungguhing Pangéranana sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, bari langgeng di dinyana, pasangan-pasangan anu disucikeun, jeung karidoan ti Allah. Allah mah Maha Ningali ka hamba-hamba-Na.

اَلَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَآ اِنَّنَآ اٰمَنَّا فَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَقِنَا عَذَابَ النَّارِۚ١٦
Allażīna yaqūlūna rabbanā innanā āmannā fagfir lanā żunūbanā wa qinā ‘ażāban-nār(i).
[16] (Nyaѐta) jalma-jalma anu sok ngadoa kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, abdi sadaya leres-leres iman. Ku kituna, mugi Gusti ngahapunten kana dosa-dosa abdi sareng ngajagi abdi sadaya tina siksa naraka.”

اَلصّٰبِرِيْنَ وَالصّٰدِقِيْنَ وَالْقٰنِتِيْنَ وَالْمُنْفِقِيْنَ وَالْمُسْتَغْفِرِيْنَ بِالْاَسْحَارِ١٧
Aṣ-ṣābirīna waṣ-ṣādiqīna wal-qāniṭīna wal-munfiqīna wal-mustagfirīna bil-asḥār(i).
[17] (Ogѐ) jalma-jalma anu sabar, anu jujur, anu taat, anu ngainpakkeun hartana, jeung anu ménta pangampura dina wanci semѐmѐh pajar.

شَهِدَ اللّٰهُ اَنَّهٗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۙ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ وَاُولُوا الْعِلْمِ قَاۤىِٕمًاۢ بِالْقِسْطِۗ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ١٨
Syahidallāhu annahū lā ilāha illā huw(a), wal-malā'ikatu wa ulul-‘ilmi qā'imam bil-qisṭ(i), lā ilāha illā huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[18] Allah nѐtѐlakeun yѐn sabenerna teu aya deui pangѐran (anu wajib diibadahan) salian ti Mantenna anu nanjeurkeun kaadilan. (Kitu deui) para malaikat jeung jalma-jalma anu boga ѐlmu (nѐtѐlakeun kitu). Teu aya deui pangѐran iwal ti Mantenna Nu Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

اِنَّ الدِّيْنَ عِنْدَ اللّٰهِ الْاِسْلَامُ ۗ وَمَا اخْتَلَفَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ اِلَّا مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَهُمُ الْعِلْمُ بَغْيًاۢ بَيْنَهُمْ ۗوَمَنْ يَّكْفُرْ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ فَاِنَّ اللّٰهَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ١٩
Innad-dīna ‘indallāhil-islām(u), wa makhtalafal-lażīna ūtul-kitāba illā mim ba‘di mā jā'ahumul-‘ilmu bagyam bainahum, wa may yakfur bi'āyātillāhi fa innallāha sarī‘ul-ḥisāb(i).
[19] Sabenerna agama (nu dpirido) di mungguhing Allah mah wungkul Islam. Jalma-jalma anu dipaparinan Kitab henteu pasalia paham 115 iwal sanggeus datangna ѐlmu ka maranѐhna kajurung ku hiri dengki di antara maranѐhna. Saha baé anu ingkar kana ayat-ayat Allah, saleresna Allah mah ѐnggal pisan balitungana-Na.
115) Nyaѐta kitab-kitab anu diturunkeun samѐmѐh Al-Qur’an.

فَاِنْ حَاۤجُّوْكَ فَقُلْ اَسْلَمْتُ وَجْهِيَ لِلّٰهِ وَمَنِ اتَّبَعَنِ ۗوَقُلْ لِّلَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ وَالْاُمِّيّٖنَ ءَاَسْلَمْتُمْ ۗ فَاِنْ اَسْلَمُوْا فَقَدِ اهْتَدَوْا ۚ وَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّمَا عَلَيْكَ الْبَلٰغُ ۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌۢ بِالْعِبَادِ ࣖ٢٠
Fa'in ḥājjūka fa qul aslamtu wajhiya lillāhi wa manittaba‘an(i), wa qul lil-lażīna ūtul-kitāba wal-ummiyyīna a'aslamtum, fa'in aslamū faqadihtadau, wa in tawallau fa'innamā ‘alaikal-balāg(u), wallāhu baṣīrum bil-‘ibād(i).
[20] Lamun seug maranѐhna ngadѐbat ka hidep (Muhammad), ucapkeun baѐ kieu, “Kuring masrahkeun diri ka Allah jeung (kitu deui) jalma-jalma anu tumut ka kuring.” Tanyakeun ku hidep ka jalma-jalma anu dibѐrѐ Kitab jeung ka jalma-jalma anu ummi, 116 “Naha aranjeun geus asup Islam?” Lamun seug maranѐhna (geus) asup (ngagem agama) Islam hartina geus meunang pituduh, tapi lamun heug maranѐhna ngabalieur, kawajiban hidep mah ngan saukur nepikeun. Allah Maha Ningali ka hamba-hamba-Na.
116) Ummi hartina jalmi anu teu nyaho kana maca-nulis. Nurutkeun sabagian ahli tapsir, anu dimaksud ummi tѐh nyaѐta jalma musrik Arab anu henteu nyaho kana maca-nulis. Nurutkeun sabagian anu sѐjѐnna nyaѐta jalma-jalma anu teu dibѐrѐ Kitab Suci.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَكْفُرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَيَقْتُلُوْنَ النَّبِيّٖنَ بِغَيْرِحَقٍّۖ وَّيَقْتُلُوْنَ الَّذِيْنَ يَأْمُرُوْنَ بِالْقِسْطِ مِنَ النَّاسِۙ فَبَشِّرْهُمْ بِعَذَابٍ اَلِيْمٍ٢١
Innal-lażīna yakfurūna bi'āyātillāhi wa yaqtulūnan nabiyyīna bigairi ḥaqq(in), wa yaqtulūnal-lażīna ya'murūna bil-qisṭi minan-nās(i), fabasysyirhum bi‘ażābin alīm(in).
[21] Sabenerna jalma-jalma anu ingkar kana ayat-ayat Allah, nelasan para nabi tanpa alesan anu bener, jeung nelasan jalma-jalma nu marѐntahkeun sasama nanjeurkeun kaadilan, mangka bѐrѐ pangbubungah ka maranѐhna nyaѐta (ku) siksa anu kacida nyerina.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۖ وَمَا لَهُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ٢٢
Ulā'ikal-lażīna ḥabiṭat a‘māluhum fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa mā lahum min nāṣirīn(a).
[22] Nya maranѐhna pisan anu sirna (ganjaran) amal-amalna di dunya jeung di ahѐrat, sarta maranѐhna moal meunang anu mѐrѐ pitulung.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ اُوْتُوْا نَصِيْبًا مِّنَ الْكِتٰبِ يُدْعَوْنَ اِلٰى كِتٰبِ اللّٰهِ لِيَحْكُمَ بَيْنَهُمْ ثُمَّ يَتَوَلّٰى فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ وَهُمْ مُّعْرِضُوْنَ٢٣
Alam tara ilal-lażīna ūtū naṣībam minal-kitābi yud‘auna ilā kitābillāhi liyaḥkuma bainahum ṡumma yatawallā farīqum minhum wa hum mu‘riḍūn(a).
[23] Naha hidep teu niténan jalma-jalma (Yahudi) anu geus dibѐrѐ bagian Kitab (Torét)? Maranѐhna diajak (nyekel) kana Kitab Allah pikeun mutuskeun (perkara) di antara maranѐhna. Tapi sabagian ti antara manѐhna kalah ka ngabalieur bari nolak (bebeneran).

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَالُوْا لَنْ تَمَسَّنَا النَّارُ اِلَّآ اَيَّامًا مَّعْدُوْدٰتٍ ۖ وَّغَرَّهُمْ فِيْ دِيْنِهِمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ٢٤
Żālika bi'annahum qālū lan tamassanan nāru illā ayyāmam ma‘dūdāt(in), wa garrahum fī dīnihim mā kānū yaftarūn(a).
[24] Tah ѐta tѐh ku lantaran maranѐhna bener-bener geus ngomong kieu, “Seuneu naraka mah moal ngarѐrab ka urang sarѐrѐa, kajaba sababaraha poѐ anu bisa diitung.” Maranѐhna katipu dina agamana ku perkara anu diaya-ayakeun ku maranѐhna sorangan.

فَكَيْفَ اِذَا جَمَعْنٰهُمْ لِيَوْمٍ لَّا رَيْبَ فِيْهِۗ وَوُفِّيَتْ كُلُّ نَفْسٍ مَّا كَسَبَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٢٥
Fakaifa iżā jama‘nāhum liyaumil lā raiba fīh(i), wa wuffiyat kullu nafsim mā kasabat wa hum lā yuẓlamūn(a).
[25] Kumaha lamun (engkѐ) maranѐhna dikumpulkeun ku Kami dina Poѐ (Kiamat) nu moal aya kamangmangan deui dina ayana, jeung unggal jiwa dibѐrѐ wawales anu sampurna luyu jeung naon anu geus diupayakeunana, sedengkeun maranѐhna (saeutik ogѐ) moal didoliman (dirugikeun)?

قُلِ اللّٰهُمَّ مٰلِكَ الْمُلْكِ تُؤْتِى الْمُلْكَ مَنْ تَشَاۤءُ وَتَنْزِعُ الْمُلْكَ مِمَّنْ تَشَاۤءُۖ وَتُعِزُّ مَنْ تَشَاۤءُ وَتُذِلُّ مَنْ تَشَاۤءُ ۗ بِيَدِكَ الْخَيْرُ ۗ اِنَّكَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٢٦
Qulillāhumma mālikal-mulki tu'til-mulka man tasyā'u wa tanzi‘ul-mulka mim man tasyā'(u), wa tu‘izzu man tasyā'u wa tużillu man tasyā'(u), biyadikal-khair(u), innaka ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[26] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Allah Anu Kagungan kakawasan. Gusti maparin karajaan (kakawasaan) ka saha baѐ anu dikersakeun ku Gusti, sareng Gusti anu nyabut deui karajaan (kakawasaan) ti saha baѐ anu dikersakeun ku Gusti. Gusti ngamulyakeun ka jalma anu dikersakeun ku Gusti, sareng Gusti ngahinakeun ka jalma anu dikersakeun ku Gusti. Dina panangan Gusti wungkul ayana sagala kasaѐan. Saleresna Gusti Mahakawasa dina saniskanten perkawis.

تُوْلِجُ الَّيْلَ فِى النَّهَارِ وَتُوْلِجُ النَّهَارَ فِى الَّيْلِ وَتُخْرِجُ الْحَيَّ مِنَ الْمَيِّتِ وَتُخْرِجُ الْمَيِّتَ مِنَ الْحَيِّ وَتَرْزُقُ مَنْ تَشَاۤءُ بِغَيْرِ حِسَابٍ٢٧
Tūlijul-laila fin-nahāri wa tūlijun-nahāra fil-laili wa tukhrijul-ḥayya minal-mayyiti wa tukhrijul-mayyita minal-ḥayyi wa tarzuqu man tasyā'u bigairi ḥisāb(in).
[27] Gusti ngalebetkeun wengi kana siang sareng ngalebetkeun siang kana wengi. Gusti ogѐ ngaluarkeun nu hirup tinu maot, sareng Gusti ngaluarkeun anu maot tinu hirup. 117 Gusti (teras-terasan) maparin rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Gusti tanpa itungan.”
117) Sabagian ahli tapsir méré conto nalika ngaguar ieu ayat, nyaéta ngaluarkan anak hayam tina endog, sarta endog tina hayam.

لَا يَتَّخِذِ الْمُؤْمِنُوْنَ الْكٰفِرِيْنَ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِ الْمُؤْمِنِيْنَۚ وَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ فَلَيْسَ مِنَ اللّٰهِ فِيْ شَيْءٍ اِلَّآ اَنْ تَتَّقُوْا مِنْهُمْ تُقٰىةً ۗ وَيُحَذِّرُكُمُ اللّٰهُ نَفْسَهٗ ۗ وَاِلَى اللّٰهِ الْمَصِيْرُ٢٨
Lā yattakhiżil-mu'minūnal-kāfirīna auliyā'a min dūnil-mu'minīn(a), wa may yaf‘al żālika falaisa minallāhi fī syai'(in), illā an tattaqū minhum tuqāh(tan), wa yuḥażżirukumullāhu nafsah(ū), wa ilallāhil-maṣīr(u).
[28] Omat pisan jalma-jalma nu iman ulah ngajadikeu jalma-jalma kapir salaku waly 118 bari ninggalkeun jalma-jalma nu iman. Saha baé anu milampah kana éta kalakuan, tangtu manéhna moal meunang nanaon ti Allah. (Hal éta) kajaba upama ngan saukur (siasat) keur ngajaga diri tina perkara anu dipikahariwang ti maranéhna. Allah ngingetan ka aranjeun ngeunaan (siksaan) Mantenna. Wungkul ka Allah tempat pangbalikan (sagala perkara).
118) Waly hartina pamingpin, batur dalit, anu nulungan, atawa anu nangtayungan.

قُلْ اِنْ تُخْفُوْا مَا فِيْ صُدُوْرِكُمْ اَوْ تُبْدُوْهُ يَعْلَمْهُ اللّٰهُ ۗوَيَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٢٩
Qul in tukhfū mā fī ṣudūrikum au tubdūhu ya‘lamhullāh(u), wa ya‘lamu mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[29] Pok béjakeun ku hidep (Muhammad), “Lamun aranjeun nyumputkeun naon-naon nu aya dina haté aranjeun, atawa némbongkeun (hal éta), pasti Allah uningaeun kana éta kabéh.” Mantenna uninga ka sakur nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

يَوْمَ تَجِدُ كُلُّ نَفْسٍ مَّا عَمِلَتْ مِنْ خَيْرٍ مُّحْضَرًا ۛوَمَا عَمِلَتْ مِنْ سُوْۤءٍ ۛ تَوَدُّ لَوْ اَنَّ بَيْنَهَا وَبَيْنَهٗٓ اَمَدًاۢ بَعِيْدًا ۗوَيُحَذِّرُكُمُ اللّٰهُ نَفْسَهٗ ۗوَاللّٰهُ رَءُوْفٌۢ بِالْعِبَادِ ࣖ٣٠
Yauma tajidu kullu nafsim mā ‘amilat min khairim muḥḍarā(n), wa mā ‘amilat min sū'(in), tawaddu lau anna bainahā wa bainahū amadam ba‘īdā(n), wa yuḥażżirukumullāhu nafsah(ū), wallāhu ra'ūfum bil-‘ibād(i).
[30] (Sing inget) kana poé (nalika) sakabéh manusa manggih (wawales) tina kahadéan anu geus dipigawéna diébréhkeun di hareupeunana, (kitu deui wawales) tina kagoréngan anu geus dipigawéna. Manéhna miharep sangkan antara manéhna jeung éta (poé) aya anggang anu jauh. Allah ngingetan ka aranjeun kana (siksa) Mantenna. Allah Mahawelas ka hamba-hamba-Na.

قُلْ اِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللّٰهَ فَاتَّبِعُوْنِيْ يُحْبِبْكُمُ اللّٰهُ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ ۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٣١
Qul in kuntum tuḥibbūnallāha fattabi‘ūnī yuḥbibkumullāhu wa yagfir lakum żunūbakum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[31] Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Lamun aranjeun bener cinta ka Allah, pék atuh tuturkeun kuring, tangtu Allah bakal mikacinta ogé ka aranjeun jeung ngahapunten dosa-dosa aranjeun.” Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

قُلْ اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَالرَّسُوْلَ ۚ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْكٰفِرِيْنَ٣٢
Qul aṭī‘ullāha war-rasūl(a), fa'in tawallau fa innallāha lā yuḥibbul-kāfirīn(a).
[32] Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sing taat ka Allah jeung ka Rasul. Lamun aranjeun ngabalieur (tina bebeneran), saleresna Allah mah teu resepeun ka jalma-jalma kapir.”

۞ اِنَّ اللّٰهَ اصْطَفٰىٓ اٰدَمَ وَنُوْحًا وَّاٰلَ اِبْرٰهِيْمَ وَاٰلَ عِمْرٰنَ عَلَى الْعٰلَمِيْنَۙ٣٣
Innallāhaṣṭafā ādama wa nūḥaw wa āla ibrāhīma wa āla ‘imrāna ‘alal-‘ālamīn(a).
[33] Saleresna Allah geus milih Adam, Nuh, kulawarga Ibrahim, jeung kulawarga ‘Imran (kalayan) ngungkulan sakabéh umat (dina jamanna masing-masing). 119
119) Ku diangkatna para nabi ti turunan aranjeunna.

ذُرِّيَّةً ۢ بَعْضُهَا مِنْۢ بَعْضٍۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌۚ٣٤
Żurriyyatam ba‘ḍuhā mim ba‘ḍ(in), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[34] (Nyaéta) hiji turunan anu sabagianana mangrupa (turunan) tinu séjénna. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

اِذْ قَالَتِ امْرَاَتُ عِمْرٰنَ رَبِّ اِنِّيْ نَذَرْتُ لَكَ مَا فِيْ بَطْنِيْ مُحَرَّرًا فَتَقَبَّلْ مِنِّيْ ۚ اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٣٥
Iż qālatimra'atu ‘imrāna rabbi innī nażartu laka mā fī baṭnī muḥarraran fataqabbal minnī, innaka antas-samī‘ul-‘alīm(u).
[35] (Sing inget) nalika istrina ‘Imron nyarios, “Nun Pangéran abdi, saleresna abdi téh parantos nadar ka Gusti yén naon (janin) nu aya dina kandungan abdi (jaga) janten hamba nu ngabakti (ka salira Gusti). Ku margi kitu, mugi Gusti nampi (éta nadar) ti abdi. Saleresna Gusti téh Pangéran Nu Maha Ngadangu (tur) Nu Mahauninga.”

فَلَمَّا وَضَعَتْهَا قَالَتْ رَبِّ اِنِّيْ وَضَعْتُهَآ اُنْثٰىۗ وَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا وَضَعَتْۗ وَلَيْسَ الذَّكَرُ كَالْاُنْثٰى ۚ وَاِنِّيْ سَمَّيْتُهَا مَرْيَمَ وَاِنِّيْٓ اُعِيْذُهَا بِكَ وَذُرِّيَّتَهَا مِنَ الشَّيْطٰنِ الرَّجِيْمِ٣٦
Falammā waḍa‘athā qālat rabbi innī waḍa‘tuhā unṡā, wallāhu a‘lamu bimā waḍa‘at, wa laisaż-żakaru kal-unṡā, wa innī sammaituhā maryama wa innī u‘īżuhā bika wa żurriyyatahā minasy-syaiṭānir-rajīm(i).
[36] Nalika ngalahirkeun, anjeunna nyarios (bari sasadu), “Duh Gusti Pangéran abdi, (geuning) abdi téh ngababarkeun budak awéwé!” Allah langkung uninga kana orok anu dilahirkeun ku anjeunna, jeung budak lalaki mah mémang teu sarua jeung budak awéwé. (Anjeunna nyarios), “Abdi parantos masihan ka éta orok nami Maryam. Abdi nyuhunkeun panangtayungan ti Gusti kanggo dirina sareng rundayanana tina (gangguan) sétan nu dikutuk.”

فَتَقَبَّلَهَا رَبُّهَا بِقَبُوْلٍ حَسَنٍ وَّاَنْۢبَتَهَا نَبَاتًا حَسَنًاۖ وَّكَفَّلَهَا زَكَرِيَّا ۗ كُلَّمَا دَخَلَ عَلَيْهَا زَكَرِيَّا الْمِحْرَابَۙ وَجَدَ عِنْدَهَا رِزْقًا ۚ قَالَ يٰمَرْيَمُ اَنّٰى لَكِ هٰذَا ۗ قَالَتْ هُوَ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ يَرْزُقُ مَنْ يَّشَاۤءُ بِغَيْرِ حِسَابٍ٣٧
Fataqabbalahā rabbuhā biqabūlin ḥasaniw wa ambatahā nabātan ḥasanā(n), wa kaffalahā zakariyyā, kullamā dakhala ‘alaihā zakariyyal-miḥrāba wajada ‘indahā rizqā(n), qāla yā maryama annā laki hāżā, qālat huwa min ‘indillāh(i), innallāha yarzuqu may yasyā'u bigairi ḥisāb(in).
[37] Salajengna, Pangéranana istrina `Imron nampi Maryam kalayan panampian anu saé, numuwuhkeun (ngadidik) anjeunna kalayan saé ogé, tur ngajantenkeun Zakariya anu ngurusna. Saban lebet nepangan (Maryam) di jero mihrob, 120 Zakariya mendakan rejeki (mangrupa kadaharan) di gigireunana (Maryam). Zakariya naros, “Hé Maryam, ti mana hidep meunang ieu (rejeki)?” Maryam ngawaler, “Ieu (rejeki) téh ti Allah.” Saleresna Allah maparin rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna kalayan tanpa wilangan.
120) Mihrob téh kamar husus keur ibadah.

هُنَالِكَ دَعَا زَكَرِيَّا رَبَّهٗ ۚ قَالَ رَبِّ هَبْ لِيْ مِنْ لَّدُنْكَ ذُرِّيَّةً طَيِّبَةً ۚ اِنَّكَ سَمِيْعُ الدُّعَاۤءِ٣٨
Hunālika da‘ā zakariyyā rabbahū qāla rabbi hab lī mil ladunka żurriyyatan ṭayyibah(tan), innaka samī‘ud-du‘ā'(i).
[38] Di dinya pisan Zakariya ngadoa ka Pangéranana. Anjeunna ngadoa, “Nun Pangéran abdi, mugia Gusti maparin ka abdi ti mungguhing Gusti turunan anu saé. Saleresna Gusti Maha Ngadangu kana doa.”

فَنَادَتْهُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ وَهُوَ قَاۤىِٕمٌ يُّصَلِّيْ فِى الْمِحْرَابِۙ اَنَّ اللّٰهَ يُبَشِّرُكَ بِيَحْيٰى مُصَدِّقًاۢ بِكَلِمَةٍ مِّنَ اللّٰهِ وَسَيِّدًا وَّحَصُوْرًا وَّنَبِيًّا مِّنَ الصّٰلِحِيْنَ٣٩
Fanādathul-malā'ikatu wa huwa qā'imuy yuṣallī fil-miḥrāb(i), annallāha yubasysyiruka biyaḥyā muṣaddiqam bikalimatim minallāhi wa sayyidaw wa ḥaṣūraw wa nabiyyam minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[39] Tuluy malaikat (Jibril) nyaur ka Zakariya anu nuju ngadeg salat di mihrab, “Saleresna Allah maparin wartos pikabungaheun ka hidep ku (lahirna) Yahya, nu ngaenyakeun kana kalimah (Dawuh) 121 ti Allah, janten panutan, (gaduh kamampuan) nyengker diri (tina hawa napsu), sareng nabi anu kaasup (golongan) jalma-jalma anu soléh.”
121) Ngaenyakeun kadatangan saurang nabi anu diciptakeun kalayan dawuhan “kun” (geura jadi!) tanpa bapa, nyaéta Nabi Isa a.s.

قَالَ رَبِّ اَنّٰى يَكُوْنُ لِيْ غُلٰمٌ وَّقَدْ بَلَغَنِيَ الْكِبَرُ وَامْرَاَتِيْ عَاقِرٌ ۗ قَالَ كَذٰلِكَ اللّٰهُ يَفْعَلُ مَا يَشَاۤءُ٤٠
Qāla rabbi annā yakūnu lī gulāmuw wa qad balaganīyal-kibaru wamra'atī ‘āqir(un), qāla każālikallāhu yaf‘alu mā yasyā'(u).
[40] Anjeunna (Zakariya) unjukan, “Nun Pangéran abdi, kumaha abdi tiasa gaduh putra, sedengkeun abdi parantos sakieu kolotna, sareng pun bojo ogé gabug?” Allah ngadawuh, “Tah kitu pisan Allah midamel anu dikersakeun ku Mantenna.”

قَالَ رَبِّ اجْعَلْ لِّيْٓ اٰيَةً ۗ قَالَ اٰيَتُكَ اَلَّا تُكَلِّمَ النَّاسَ ثَلٰثَةَ اَيَّامٍ اِلَّا رَمْزًا ۗ وَاذْكُرْ رَّبَّكَ كَثِيْرًا وَّسَبِّحْ بِالْعَشِيِّ وَالْاِبْكَارِ ࣖ٤١
Qāla rabbij‘al lī āyah(tan), qāla āyatuka allā tukalliman-nāsa ṡalāṡata ayyāmin illā ramzā(n), ważkur rabbaka kaṡīraw wa sabbiḥ bil-‘asyiyyi wal-ibkār(i).
[41] Anjeunna (Zakariya) unjukan, “Nun Pangéran abdi, mugi Gusti maparin hiji tawis ka abdi.” Allah ngadawuh, “Cicirén pikeun hidep nyaéta hidep moal bisa ngomong jeung papada jalma salila tilu poé kajaba ku isarah. Geura sebut (jenengan) Pangéran hidep saloba-lobana, sarta pék muji Mantenna dina waktu pasosoré jeung isuk-isuk.”

وَاِذْ قَالَتِ الْمَلٰۤىِٕكَةُ يٰمَرْيَمُ اِنَّ اللّٰهَ اصْطَفٰىكِ وَطَهَّرَكِ وَاصْطَفٰىكِ عَلٰى نِسَاۤءِ الْعٰلَمِيْنَ٤٢
Wa iż qālatil-malā'ikatu yā maryama innallāhaṣṭafāki wa ṭahharaki waṣṭafāki ‘alā nisā'il-‘ālamīn(a).
[42] (Sing inget) nalika para malaikat nyarios, “Hé Maryam, saleresna Allah parantos milih hidep, parantos nyucikeun hidep, sareng parantos milih hidep (jadi) wanoja pinilih di antara sakabéh wanoja saalam dunya (dina mangsa harita).

يٰمَرْيَمُ اقْنُتِيْ لِرَبِّكِ وَاسْجُدِيْ وَارْكَعِيْ مَعَ الرّٰكِعِيْنَ٤٣
Yā maryamuqnutī lirabbiki wasjudī warka‘ī ma‘ar-rāki‘īn(a).
[43] Hé Maryam, kudu taat ka Pangéran hidep, sarta prak geura sujud jeung ruku’ babarengan jeung jalma-jalma anu ruku’.”

ذٰلِكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ الْغَيْبِ نُوْحِيْهِ اِلَيْكَ ۗوَمَا كُنْتَ لَدَيْهِمْ اِذْ يُلْقُوْنَ اَقْلَامَهُمْ اَيُّهُمْ يَكْفُلُ مَرْيَمَۖ وَمَا كُنْتَ لَدَيْهِمْ اِذْ يَخْتَصِمُوْنَ٤٤
Żālika min ambā'il-gaibi nūḥīhi ilaik(a), wa mā kunta ladaihim iż yulqūna aqlāmahum ayyuhum yakfulu maryam(a), wa mā kunta ladaihim iż yakhtaṣimūn(a).
[44] Tah éta sabagian tina béja-béja gaib (penting) anu geus diwahyukeun ku Kami ka hidep (Muhammad), padahal hidep téh henteu aya di gigireun maranéhna waktu ngalungkeun kalamna 122 (pikeun ngundi) saha ti antara maranéhna anu bakal ngasuh Maryam. Hidep ogé teu aya di gigireun maranéhna waktu maranéhna keur papasalia paham.
122) Aya sabagian ahli tapsir anu ngartikeun “jamparing.” Hartina, undian éta dipigawé ku cara ngabalangkeun jamparing.

اِذْ قَالَتِ الْمَلٰۤىِٕكَةُ يٰمَرْيَمُ اِنَّ اللّٰهَ يُبَشِّرُكِ بِكَلِمَةٍ مِّنْهُۖ اسْمُهُ الْمَسِيْحُ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ وَجِيْهًا فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ وَمِنَ الْمُقَرَّبِيْنَۙ٤٥
Iż qālatil-malā'ikatu yā maryama innallāha yubasysyiruki bikalimatim minhusmuhul-masīḥu ‘īsabnu maryama wajīhan fid-dun-yā wal-ākhirati wa minal-muqarrabīn(a).
[45] (Sing inget) nalika para malaikat nyarios, “Hé Maryam, saleresna Allah maparin béja pangbubungah ka hidep (ku lahirna hiji putra pameget anu diciptakeun) kalayan kalimah (Dawuh) ti Mantenna. Jenenganana Al-Masih Isa putra Maryam, (hiji jalma) anu pinunjul di dunya jeung di ahérat, sarta kaasup jalma-jalma anu diraketkeun (sareng Allah).”

وَيُكَلِّمُ النَّاسَ فِى الْمَهْدِ وَكَهْلًا وَّمِنَ الصّٰلِحِيْنَ٤٦
Wa yukallimun nāsa fil-mahdi wa kahlaw wa minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[46] Anjeunna (Al-Masih) nyarios ka jalma-jalma waktu (masih) aya dina ayunan (kénéh) jeung waktu geus déwasa, sarta anjeunna kaasup jalma-jalma anu soléh.

قَالَتْ رَبِّ اَنّٰى يَكُوْنُ لِيْ وَلَدٌ وَّلَمْ يَمْسَسْنِيْ بَشَرٌ ۗ قَالَ كَذٰلِكِ اللّٰهُ يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ ۗاِذَا قَضٰٓى اَمْرًا فَاِنَّمَا يَقُوْلُ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ٤٧
Qālat rabbi annā yakūnu lī waladuw wa lam yamsasnī basyar(un), qāla każālikillāhu yakhluqu mā yasyā'(u), iżā qaḍā amran fa'innamā yaqūlu lahū kun fayakūn(u).
[47] Maryam nyarios, “Nun Pangéran abdi, kumaha abdi tiasa gaduh putra, padahal teu aya saurang pameget ogé anu kantos nyabak abdi.” Allah ngadawuh, “Tah kitu pisan, Allah midamel naon nu dikersakeun ku Mantenna. Saupami Mantenna ngersakeun ngayakeun hiji perkara, mangka saleresna cekap ku ngadawuh ‘Kun (geura aya!)’, jleg baé aya saharita kénéh.”

وَيُعَلِّمُهُ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَالتَّوْرٰىةَ وَالْاِنْجِيْلَۚ٤٨
Wa ya‘allimuhul-kitāba wal-ḥikmata wat-taurāta wal-injīl(a).
[48] Mantenna (Allah) bakal ngawurukan ka anjeunna (Isa) ngeunaan Kitab, 123 Hikmah, Torét, jeung Injil,
123) Kitab di dieu aya anu napsirkeun “pangajaran nulis.” Aya deui anu napsirkeun “kitab-kitab anu dilungsurkeun ku Allah samѐmѐhna Nabi Isa salain Torét jeung Injil”.

وَرَسُوْلًا اِلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ەۙ اَنِّيْ قَدْ جِئْتُكُمْ بِاٰيَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ ۙاَنِّيْٓ اَخْلُقُ لَكُمْ مِّنَ الطِّيْنِ كَهَيْـَٔةِ الطَّيْرِ فَاَنْفُخُ فِيْهِ فَيَكُوْنُ طَيْرًاۢ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۚوَاُبْرِئُ الْاَكْمَهَ وَالْاَبْرَصَ وَاُحْيِ الْمَوْتٰى بِاِذْنِ اللّٰهِ ۚوَاُنَبِّئُكُمْ بِمَا تَأْكُلُوْنَ وَمَا تَدَّخِرُوْنَ ۙفِيْ بُيُوْتِكُمْ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَۚ٤٩
Wa rasūlan ilā banī isrā'īl(a), annī qad ji'tukum bi'āyatim mir rabbikum, annī akhluqu lakum minaṭ-ṭīni kahai'atiṭ-ṭairi fa'anfukhu fihi fayakūnu ṭairam bi'iżnillāh(i), wa ubarri'ul-akmaha wal-abraṣa wa uḥyil-mautā bi'iżnillāh(i), wa unabbi'ukum bimā ta'kulūna wa mā taddakhirūna fī buyūtikum, inna fī żālika la'āyatal lakum in kuntum mu'minīn(a).
[49] sarta (bakal ngajantenkeun Isa) rasul ka urang Bani Israél (anu sasauran kieu), “Sabenerna kuring geus datang ka aranjeun mawa tanda (mujijat) ti Pangéran aranjeun, nyaéta kuring bisa nyieun pikeun aranjeun (hiji perkara) tina taneuh anu ngabentuk (saperti) manuk, tuluy ditiup ku kuring nepi ka jadi hiji manuk (enyaan) kalayan widi Allah. Kuring ogé bisa nyageurkeun jalma anu lolong ti lahir, nyageurkeun jalma anu boga panyakit kusta, jeung ngahirupkeun anu geus maraot kalayan widi Allah. Kuring ogé (bisa) ngabéjakeun ka aranjeun naon anu didahar jeung disimpen di imah aranjeun. Sabenerna éta hal téh jadi tanda (pituduh karasulan kuring) pikeun aranjeun lamun bener-bener iman mah.

وَمُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيَّ مِنَ التَّوْرٰىةِ وَلِاُحِلَّ لَكُمْ بَعْضَ الَّذِيْ حُرِّمَ عَلَيْكُمْ وَجِئْتُكُمْ بِاٰيَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْۗ فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ٥٠
Wa muṣaddiqal limā baina yadayya minat-taurāti wa li'uḥilla lakum ba‘ḍal-lażī ḥurrima ‘alaikum wa ji'tukum bi'āyatim mir rabbikum, fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[50] (Kuring datang ka aranjeun téh) ngaenyakeun Kitab Torét anu datang saméméh kuring, jeung pikeun ngahalalkeun pikeun aranjeun sabagian anu tadina diharamkeun ka aranjeun. Kuring datang ka aranjeun mawa hiji tanda (mujijat) ti Pangéran aranjeun. Ku sabab kitu, atuh kudu takwa aranjeun ka Allah sarta taat ka kuring.

اِنَّ اللّٰهَ رَبِّيْ وَرَبُّكُمْ فَاعْبُدُوْهُ ۗهٰذَا صِرَاطٌ مُّسْتَقِيْمٌ٥١
Innallāha rabbī wa rabbukum fa‘budūh(u), hāżā ṣirāṭum mustaqīm(un).
[51] Saleresna Allah téh Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun. Ku kituna, aranjeun kudu ibadah ka Mantenna. Ieu téh jalan anu lempeng.”

۞ فَلَمَّآ اَحَسَّ عِيْسٰى مِنْهُمُ الْكُفْرَ قَالَ مَنْ اَنْصَارِيْٓ اِلَى اللّٰهِ ۗ قَالَ الْحَوَارِيُّوْنَ نَحْنُ اَنْصَارُ اللّٰهِ ۚ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ ۚ وَاشْهَدْ بِاَنَّا مُسْلِمُوْنَ٥٢
Falammā aḥassa ‘īsā minhumul-kufra qāla man anṣārī ilallāh(i), qālal-ḥawāriyyūna naḥnu anṣārullāh(i), āmannā billāh(i), wasyhad bi'annā muslimūn(a).
[52] Nalika Isa ngaraos kaingkaran ti antara maranѐhna (Bani Israél), anjeunna nyarios, “Saha anu bakal nulungan kuring pikeun (nanjeurkeun agama) Allah?” Para Ḥawāriyyūn (sahabat-sahabat Isa anu satia) ngawaler, “Abdi sadaya nu bakal nulungan ka (agama) Allah. Abdi sadaya téh iman ka Allah sareng mangga saksian yѐn abdi sadaya leres-leres jalmi-jalmi muslim (tunduk tur sumerah ka Allah).

رَبَّنَآ اٰمَنَّا بِمَآ اَنْزَلْتَ وَاتَّبَعْنَا الرَّسُوْلَ فَاكْتُبْنَا مَعَ الشّٰهِدِيْنَ٥٣
Rabbanā āmannā bimā anzalta wattaba‘nar-rasūla faktubnā ma‘asy-syāhidīn(a).
[53] Nun Pangéran abdi sadaya, abdi sadaya parantos iman kana naon anu parantos diturunkeun ku Gusti sareng abdi sadaya parantos tumut ka Rasul (Isa). Kumargi kitu, mugia Gusti netepkeun abdi sadaya reureujeungan sareng jalmi-jalmi anu jadi saksi (kana benerna karasulan).”

وَمَكَرُوْا وَمَكَرَ اللّٰهُ ۗوَاللّٰهُ خَيْرُ الْمٰكِرِيْنَ ࣖ٥٤
Wa makarū wa makarallāh(u), wallāhu khairul-mākirīn(a).
[54] Maranѐhna (jalma-jalma kapir ti Bani Israél) nyieun tipu muslihat, mangka Allah males tipu muslihat maranѐhna. Allah téh pangsaé-saéna anu males tipu muslihat.

اِذْ قَالَ اللّٰهُ يٰعِيْسٰٓى اِنِّيْ مُتَوَفِّيْكَ وَرَافِعُكَ اِلَيَّ وَمُطَهِّرُكَ مِنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَجَاعِلُ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْكَ فَوْقَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ ۚ ثُمَّ اِلَيَّ مَرْجِعُكُمْ فَاَحْكُمُ بَيْنَكُمْ فِيْمَا كُنْتُمْ فِيْهِ تَخْتَلِفُوْنَ٥٥
Iż qālallāhu yā ‘īsā innī mutawaffīka wa rāfi‘uka ilayya wa muṭahhiruka minal-lażīna kafarū wa jā‘ilul-lażīnattaba‘ūka fauqal-lażīna kafarū ilā yaumil-qiyāmah(ti), ṡumma ilayya marji‘ukum fa aḥkumu bainakum fīmā kuntum fīhi takhtalifūn(a).
[55] (Sing inget) nalika Allah ngadawuh, “Hé Isa, sabenerna Kami bakal ngawapatkeun hidep, bakal ngangkat hidep ka Kami, jeung bakal nyucikeun hidep ti jalma-jalma kapir, sarta bakal ngajadikeun jalma-jalma anu tumut ka hidep leuwih unggul tibatan jalma-jalma kapir nepi ka Poé Kiamat.” Tuluy wungkul ka Kami geusan pangbalikan aranjeun téh. Terus ti dinya Kami bakal mutuskeun perkara di antara aranjeun anu baheulana dipasalia-pahamkeun.

فَاَمَّا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَاُعَذِّبُهُمْ عَذَابًا شَدِيْدًا فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِۖ وَمَا لَهُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ٥٦
Fa ammal-lażīna kafarū fa u‘ażżibuhum ‘ażāban syadīdan fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa mā lahum min nāṣirīn(a).
[56] Jalma-jalma kapir téh bakal disiksa ku Kami ku siksaan anu kacida beuratna di dunya jeung di ahѐrat, sarta maranéhna moal pisan meunang anu nulungan (saurang ogé).

وَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فَيُوَفِّيْهِمْ اُجُوْرَهُمْ ۗ وَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ الظّٰلِمِيْنَ٥٧
Wa ammal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fa yuwaffīhim ujūrahum, wallāhu lā yuḥibbuẓ-ẓālimīn(a).
[57] Sedengkeun jalma-jalma anu iman tur migawé amal-amal soléh, mangka Allah bakal nyampurnakeun ganjaran aranjeunna. Allah teu resepeun ka jalma-jalma nu dolim.

ذٰلِكَ نَتْلُوْهُ عَلَيْكَ مِنَ الْاٰيٰتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ٥٨
Żālika natlūhu ‘alaika minal-āyāti waż-żikril-ḥakīm(i).
[58] Tah éta téh (kisah Isa). Kami mangmacakeun ka hidep (Muhammad) sabagian tina bukti-bukti jeung pépélingan nu pinuh ku hikmah.

اِنَّ مَثَلَ عِيْسٰى عِنْدَ اللّٰهِ كَمَثَلِ اٰدَمَ ۗ خَلَقَهٗ مِنْ تُرَابٍ ثُمَّ قَالَ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ٥٩
Inna maṡala ‘īsā ‘indallāhi kamaṡali ādam(a), khalaqahū min turābin ṡumma qāla lahū kun fayakūn(u).
[59] Sabenerna paupamaan (nyiptakeunana) Isa (anu lahir tanpa bapa) mungguhing Allah sarua baé saperti (nyiptakeun) Adam. Mantenna nyiptakeun anjeunna tina taneuh lajeng ngadawuh ka éta (taneuh), “Kun (sing jadi anjeun!),” jleg baé (jadi manusa) sapada harita.

اَلْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ فَلَا تَكُنْ مِّنَ الْمُمْتَرِيْنَ٦٠
Al-ḥaqqu mir rabbika falā takum minal-mumtarīn(a).
[60] Ari bebeneran anu sampurna téh (datang) ti Pangéran hidep. Ku kituna, omat pisan hidep ulah kaasup jalma-jalma anu mangmang (kana éta bebeneran).

فَمَنْ حَاۤجَّكَ فِيْهِ مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَكَ مِنَ الْعِلْمِ فَقُلْ تَعَالَوْا نَدْعُ اَبْنَاۤءَنَا وَاَبْنَاۤءَكُمْ وَنِسَاۤءَنَا وَنِسَاۤءَكُمْ وَاَنْفُسَنَا وَاَنْفُسَكُمْۗ ثُمَّ نَبْتَهِلْ فَنَجْعَلْ لَّعْنَتَ اللّٰهِ عَلَى الْكٰذِبِيْنَ٦١
Faman ḥājjaka fīhi mim ba‘di mā jā'aka minal-‘ilmi faqul ta‘ālau nad‘u abnā'anā wa abnā'akum wa nisā'anā wa nisā'akum wa anfusanā wa anfusakum, ṡumma nabtahil fanaj‘al la‘natallāhi ‘alal-kāżibīn(a).
[61] Saha baé anu ngabantah ka hidep (Muhammad) ngeunaan ieu perkara (Isa) sanggeus hidep meunang élmu, mangka pok ucapkeun (ka maranéhna), “Hayu urang geroan anak-anak kuring jeung anak-anak anjeun, bojo-bojo kuring jeung istri-istri anjeun, tur diri kuring saréréa jeung diri aranjeun sakabéh, geus kitu hayu urang mubāhalah, 124 sangkan la'nat Allah ditibankeun ka jalma-jalma anu bohong.”
124) Mubāhalah tѐh masing-masing pihak ti antara jalma-jalma anu bѐda pamadegan ngadoa ka Allah kalayan soson-soson sangkan Mantenna nibankeun la’nat ka pihak anu ngabohong. Nabi ngajak utusan Nasrani Najran mubāhalah, tapi maranѐhna teu wanieun. Ku kituna, ieu tѐh jadi bukti bebeneran Nabi Muhammad Saw.

اِنَّ هٰذَا لَهُوَ الْقَصَصُ الْحَقُّ ۚ وَمَا مِنْ اِلٰهٍ اِلَّا اللّٰهُ ۗوَاِنَّ اللّٰهَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٦٢
Inna hāżā lahuwal-qaṣaṣul-ḥaqq(u), wa mā min ilāhin illallāh(u), wa innallāha lahuwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[62] Sabenerna ieu téh kisah-kisah anu ḥaq (bener jeung mawa bebeneran). Teu aya deui Pangéran anging Allah. Saleresna Allah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ ۢبِالْمُفْسِدِيْنَ ࣖ٦٣
Fa in tawallau fa innallāha ‘alīmum bil-mufsidīn(a).
[63] Lamun maranѐhna ngabalieur (tina bebeneran), mangka (sing terang) saleresna Allah Mahauninga ka jalma-jalma anu migawé karuksakan.

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ تَعَالَوْا اِلٰى كَلِمَةٍ سَوَاۤءٍۢ بَيْنَنَا وَبَيْنَكُمْ اَلَّا نَعْبُدَ اِلَّا اللّٰهَ وَلَا نُشْرِكَ بِهٖ شَيْـًٔا وَّلَا يَتَّخِذَ بَعْضُنَا بَعْضًا اَرْبَابًا مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَقُوْلُوا اشْهَدُوْا بِاَنَّا مُسْلِمُوْنَ٦٤
Qul yā ahlal-kitābi ta‘ālau ilā kalimatin sawā'im bainanā wa bainakum allā na‘buda illallāha wa lā nusyrika bihī syai'aw wa lā yattakhiża ba‘ḍunā ba‘ḍan arbābam min dūnillāh(i), fa in tawallau fa qūlusyhadū bi'annā muslimūn(a).
[64] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Hé Ahli Kitab, hayu (urang kabéh) ngajugjug kalimah (cecekelan) anu sarua antar kuring jeung aranjeun, nyaéta urang téh teu ibadah anging ka Allah, urang téh teu ngaduakeun Mantenna jeung nanaon ogé, tur sabagian ti antara urang teu ngangkat sabagian séjénna deui jadi pangéran-pangéran salian ti Allah!” Upama maranѐhna ngabalieur, pok ucapkeun ku aranjeun, “Saksian ku aranjeun yѐn kuring sarѐrѐa mah muslim (tunduk tur sumerah diri ka Allah).”

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لِمَ تُحَاۤجُّوْنَ فِيْٓ اِبْرٰهِيْمَ وَمَآ اُنْزِلَتِ التَّوْرٰىةُ وَالْاِنْجِيْلُ اِلَّا مِنْۢ بَعْدِهٖۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٦٥
Yā ahlal-kitābi lima tuḥājjūna fī ibrāhīma wa mā unzilatit-taurātu wal-injīlu illā mim ba‘dih(ī), afalā ta‘qilūn(a).
[65] Hé Ahli Kitab, ku naon aranjeun silih bantah 125 baé dina perkara Ibrahim, padahal Torét jeung Injil téh teu diturunkeun iwal sanggeusna anjeunna (Ibrahim). Naha aranjeun teu ngarti?
125) Boh Yahudi boh Nasrani ngaku yѐn Nabi Ibrahim a.s. tѐh ti golongan maranѐhna. Lajeng Allah ngabantah maranѐhna kalayan alesan yѐn anjeunna datang samѐmѐh maranѐhna.

هٰٓاَنْتُمْ هٰٓؤُلَاۤءِ حَاجَجْتُمْ فِيْمَا لَكُمْ بِهٖ عِلْمٌ فَلِمَ تُحَاۤجُّوْنَ فِيْمَا لَيْسَ لَكُمْ بِهٖ عِلْمٌ ۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ وَاَنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ٦٦
Hā antum hā'ulā'i ḥājajtum fīmā lakum bihī ‘ilmun falima tuḥājjūna fīmā laisa lakum bihī ‘ilm(un), wallāhu ya‘lamu wa antum lā ta‘lamūn(a).
[66] Mémang kitu kaayaan maranéh téh! Maranéh silih bantah dina perkara nu (geus) dipikanyaho ku aranjeun sorangan. 126 Naha atuh bet silih bantah ogé dina perkara anu teu dipikanyaho saeutik ogé ku aranjeun? 127 Allah uninga, sedengkeun aranjeun mah teu nyaho.
126) Nyaѐta ngeunaan Nabi Musa a.s., Nabi Isa a.s., sarta Nabi Muhammad Saw. 127) Nyaѐta ngeunaan Nabi Ibrahim a.s.

مَاكَانَ اِبْرٰهِيْمُ يَهُوْدِيًّا وَّلَا نَصْرَانِيًّا وَّلٰكِنْ كَانَ حَنِيْفًا مُّسْلِمًاۗ وَمَا كَانَ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ٦٧
Wa mā kāna ibrāhīmu yahūdiyyaw wa lā naṣrāniyyaw wa lākin kāna ḥanīfam muslimā(n), wa mā kāna minal-musyrikīn(a).
[67] Ibrahim mah lain urang Yahudi jeung ogé lain urang Nasrani, tapi anjeunna téh hiji jalma anu lempeng 128 tur muslim (tunduk tur sumerah diri ka Allah). Anjeunna henteu kaasup (golongan) jalma-jalma musrik.
128) Lempeng hartina jauh tina sirik (nyarékatkeun Allah) sarta jauh tina kasasaran.

اِنَّ اَوْلَى النَّاسِ بِاِبْرٰهِيْمَ لَلَّذِيْنَ اتَّبَعُوْهُ وَهٰذَا النَّبِيُّ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ۗ وَاللّٰهُ وَلِيُّ الْمُؤْمِنِيْنَ٦٨
Inna aulan-nāsi bi'ibrāhīma lal-lażīnattaba‘ūhu wa hāżan-nabiyyu wal-lażīna āmanū, wallāhu waliyyul-mu'minīn(a).
[68] Sabenerna jalma anu pangdeukeut-deukeutna ka Ibrahim téh nyaéta jalma-jalma anu tumut ka anjeunna jeung ieu Nabi (Muhammad), sarta jalma-jalma anu iman. Allah nangtayungan sakabéh jalma-jalma anu iman.

وَدَّتْ طَّاۤىِٕفَةٌ مِّنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ لَوْ يُضِلُّوْنَكُمْۗ وَمَا يُضِلُّوْنَ اِلَّآ اَنْفُسَهُمْ وَمَا يَشْعُرُوْنَ٦٩
Waddaṭ-ṭā'ifatum min ahlil-kitābi lau yuḍillūnakum, wa mā yuḍillūna illā anfusahum wa mā yasy‘urūn(a).
[69] Sagolongan ti Ahli Kitab hayangeun pisan lamun saupamana maranéhna nyasarkeun aranjeun, padahal (sabenerna mah) maranéhna téh (ku cara kitu téh) ngan nyasarkeun dirina sorangan, tapi maranѐhna teu ngarasaeun.

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لِمَ تَكْفُرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَاَنْتُمْ تَشْهَدُوْنَ٧٠
Yā ahlal-kitābi lima takfurūna bi'āyātillāhi wa antum tasyhadūn(a).
[70] Hé Ahli Kitab, ku naon maranéh terus-terusan ingkar kana ayat-ayat Allah, 129 sedengkeun maranéh ogé nyaho (kana benerna)?
129) Ayat-ayat Allah anu diturunkeun ka Nabi Muhammad Saw.

يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لِمَ تَلْبِسُوْنَ الْحَقَّ بِالْبَاطِلِ وَتَكْتُمُوْنَ الْحَقَّ وَاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ ࣖ٧١
Yā ahlal-kitābi lima talbisūnal-ḥaqqa bil-bāṭili wa taktumūnal-ḥaqqa wa antum ta‘lamūn.
[71] Hé Ahli Kitab, ku naon maranéh bet nyampuradukkeun perkara anu ḥaq (bebeneran nu sampurna) jeung anu batil (salah tur sasar), 130 jeung ku naon maranéh bet nyumputkeun anu ḥaq, 131 padahal apan maranéh téh nyaho?
130) Nutupan dawuh-dawuh Allah anu aya dina Torét sarta Injil kalayan ucapan-ucapan anu dijieun-jieun ku maranѐhna (Ahli Kitab) sorangan. 131) Bebeneran ngeunaan kanabian Muhammad Saw. anu kasebut dina Torét sarta Injil.

وَقَالَتْ طَّاۤىِٕفَةٌ مِّنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ اٰمِنُوْا بِالَّذِيْٓ اُنْزِلَ عَلَى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَجْهَ النَّهَارِ وَاكْفُرُوْٓا اٰخِرَهٗ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَۚ٧٢
Wa qālaṭ-ṭā'ifatum min ahlil-kitābi āminū bil-lażī unzila ‘alal-lażīna āmanū wajhan-nahāri wakfurū ākhirahū la‘allahum yarji‘ūn(a).
[72] Sagolongan ti Ahli Kitab ngomong (ka papada baturna), “Pék tingalikeun dina waktu isuk-isuk (saolah-olah) maranéh iman kana naon anu diturunkeun ka jalma-jalma anu iman, tapi pék ingkar deui dina waktu soréna, sangkan maranéhna téh balik deui (kana kakapiran).”

وَلَا تُؤْمِنُوْٓا اِلَّا لِمَنْ تَبِعَ دِيْنَكُمْ ۗ قُلْ اِنَّ الْهُدٰى هُدَى اللّٰهِ ۙ اَنْ يُّؤْتٰىٓ اَحَدٌ مِّثْلَ مَآ اُوْتِيْتُمْ اَوْ يُحَاۤجُّوْكُمْ عِنْدَ رَبِّكُمْ ۗ قُلْ اِنَّ الْفَضْلَ بِيَدِ اللّٰهِ ۚ يُؤْتِيْهِ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ ۚ٧٣
Wa lā tu'minū illā liman tabi‘a dīnakum, qul innal-hudā hudallāh(i), ay yu'tā aḥadum miṡla mā ūtītum au yuḥājjūkum ‘inda rabbikum, qul innal-faḍla biyadillāh(i), yu'tīhi may yasyā'(u), wallāhu wāsi‘un ‘alīm(un).
[73] Maranéhna ngomong ogé), “Omat aranjeun ulah percaya anging ka jalma anu nuturkeun agama aranjeun (Yahudi).” 132 Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) yén sabenerna ari pituduh (nu sampurna) téh nyaéta pituduh Allah.)Maranéhna ngomong ogé), “(Omat aranjeun ulah percaya) yѐn aya hiji jalma anu bakal dipaparinan (ku Allah) saperti anu dipaparinkeun ka aranjeun, atawa yѐn maranéhna (kaom muslimin) téh bakal ngabantah aranjeun engké di hadirat Pangéran aranjeun.” Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kurnia mah mung aya dina kakawasaan Allah. Mantenna maparinkeun (kurnia-Na) ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah Mahajembar (kurnia-Na) (tur) Mahauninga.”
132) Maksudna percaya ka jalma anu saagama jeung manéhna (nyaéta Yahudi/Nasrani) sangkan maranѐhna teu jadi asup Islam, atawa percaya ka jalma Islam anu asalna ti agama manéhna sangkan oyag imanna sarta balik deui kana kekapiran.

يَخْتَصُّ بِرَحْمَتِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ٧٤
Yakhtaṣṣu biraḥmatihī may yasyā'(u), wallāhu żul-faḍlil-‘aẓīm(i).
[74] Mantenna nangtoskeun rahmat-Na ka saha baé anu dikersakeun (ku Mantenna). Allah kagungan kurnia anu ageung.

۞ وَمِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ مَنْ اِنْ تَأْمَنْهُ بِقِنْطَارٍ يُّؤَدِّهٖٓ اِلَيْكَۚ وَمِنْهُمْ مَّنْ اِنْ تَأْمَنْهُ بِدِيْنَارٍ لَّا يُؤَدِّهٖٓ اِلَيْكَ اِلَّا مَا دُمْتَ عَلَيْهِ قَاۤىِٕمًا ۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَالُوْا لَيْسَ عَلَيْنَا فِى الْاُمِّيّٖنَ سَبِيْلٌۚ وَيَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ٧٥
Wa min ahlil-kitābi man in ta'manhu bi qinṭārin yu'addīhi ilaik(a), wa minhum man in ta'manhu bidīnāril lā yu'addīhi ilaika illā mā dumta ‘alaihi qā'imā(n), żālika bi'annahum qālū laisa ‘alainā fil-ummiyyīna sabīl(un), wa yaqūlūna ‘alallāhil-każiba wa hum ya‘lamūn(a).
[75] Ti antara Ahli Kitab aya jalma anu lamun ku hidep dititipan harta banda anu loba, menéhna pasti mulangkeun deui éta (titipan) ka hidep. Tapi ti antara maranѐhna aya ogé jalma anu lamun ku hidep dititipan (sanajan) sadinar, manéhna tara daék mulangkeun deui ka hidep, anging lamun ku hidep terus-terusan ditagih. Kitu petana téh lantaran maranѐhna ngomong, “Teu matak jadi dosa keur urang mah (ngadahar harta) jalma-jalma anu ummi.” Maranѐhna ngomong bohong ka Allah, padahal maranѐhna nyaho (yѐn maranѐhna téh ngabohong).

بَلٰى مَنْ اَوْفٰى بِعَهْدِهٖ وَاتَّقٰى فَاِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ٧٦
Balā man aufā bi‘ahdihī wattaqā fa innallāha yuḥibbul-muttaqīn(a).
[76] Lain kitu, sabenerna saha baé anu nyumponan kana jangjina jeung takwa (ka Allah), mangka Allah bener-bener mikaresep ka jalma-jalma anu takwa.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَشْتَرُوْنَ بِعَهْدِ اللّٰهِ وَاَيْمَانِهِمْ ثَمَنًا قَلِيْلًا اُولٰۤىِٕكَ لَا خَلَاقَ لَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ وَلَا يُكَلِّمُهُمُ اللّٰهُ وَلَا يَنْظُرُ اِلَيْهِمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وَلَا يُزَكِّيْهِمْ ۖ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٧٧
Innal-lażīna yasytarūna bi‘ahdillāhi wa aimānihim ṡamanan qalīlan ulā'ika lā khalāqa lahum fil-ākhirati wa lā yukallimuhumullāhu wa lā yanẓuru ilaihim yaumal-qiyāmati wa lā yuzakkīhim, wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[77] Sabenerna jalma-jalma anu ngajual-beulikeun jangji Allah jeung sumpah-sumpah maranѐhna sorangan ku pangaji (kadunyaan) anu saeutik, tah éta jalma-jalma téh moal meunang bagian (kani’matan) di ahѐrat. Allah moal sasauran ka maranѐhna, moal mirosѐa ka maranѐhna dina Poѐ Kiamat, jeung kitu deui moal nyucikeun ka maranѐhna, sarta keur maranѐhna siksa anu kacida nyerina.

وَاِنَّ مِنْهُمْ لَفَرِيْقًا يَّلْوٗنَ اَلْسِنَتَهُمْ بِالْكِتٰبِ لِتَحْسَبُوْهُ مِنَ الْكِتٰبِ وَمَا هُوَ مِنَ الْكِتٰبِۚ وَيَقُوْلُوْنَ هُوَ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ وَمَا هُوَ مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۚ وَيَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ٧٨
Wa inna minhum lafarīqay yalwūna alsinatahum bil-kitābi litaḥsabūhu minal-kitābi wa mā huwa minal-kitāb(i), wa yaqūlūna huwa min ‘indillāhi wa mā huwa min ‘indillāh(i), wa yaqūlūna ‘alallāhil-każiba wa hum ya‘lamūn(a).
[78] Sabenerna ti antara maranѐhna (Bani Israél) aya sagolongan anu sok muter-muterkeun lѐtahna kana (bacaan) Kitab, sangkan aranjeun nyangka (yѐn anu dibacana téh) sabagian tina Kitab, padahal éta téh lain pisan tina Kitab. Maranѐhna ngomong kieu, “Ieu (anu dibaca) téh ti mungguhing Allah.” Padahal éta téh lain pisan ti mungguhing Allah. Maranѐhna bohong ka Allah, sedengkeun maranѐhna nyaho (yѐn maranѐhna téh ngabohong).

مَا كَانَ لِبَشَرٍ اَنْ يُّؤْتِيَهُ اللّٰهُ الْكِتٰبَ وَالْحُكْمَ وَالنُّبُوَّةَ ثُمَّ يَقُوْلَ لِلنَّاسِ كُوْنُوْا عِبَادًا لِّيْ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَلٰكِنْ كُوْنُوْا رَبَّانِيّٖنَ بِمَا كُنْتُمْ تُعَلِّمُوْنَ الْكِتٰبَ وَبِمَا كُنْتُمْ تَدْرُسُوْنَ ۙ٧٩
Mā kāna libasyarin ay yu'tiyahullāhul-kitāba wal-ḥukma wan-nubuwwata ṡumma yaqūla lin-nāsi kūnū ‘ibādal lī min dūnillāhi wa lākin kūnū rabbāniyyīna bimā kuntum tu‘allimūnal-kitāba wa bimā kuntum tadrusūn(a).
[79] Moal mungkin pikeun jalma anu geus dipaparinan ku Allah Kitab, hukum, jeung kanabian, tuluy anjeunna ngomong kieu ka nu séjén, “Aranjeun kudu jadi jalma-jalma anu nyembah ka kuring, lain nu nyembah ka Allah.” Tapi (sapantesna anjeunna ngomong kieu), “Prak aranjeun jadi rabbānī (nu sampurna élmuna tur takwana) lantaran aranjeun terus-terusan ngajarkeun Kitab jeung ngalenyepan (eusina).

وَلَا يَأْمُرَكُمْ اَنْ تَتَّخِذُوا الْمَلٰۤىِٕكَةَ وَالنَّبِيّٖنَ اَرْبَابًا ۗ اَيَأْمُرُكُمْ بِالْكُفْرِ بَعْدَ اِذْ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ ࣖ٨٠
Wa lā ya'murakum an tattakhiżul-malā'ikata wan-nabiyyīna arbābā(n), aya'murukum bil-kufri ba‘da iż antum muslimūn(a).
[80] Moal (mungkin ogé) anjeunna maréntah ka aranjeun sangkan ngajadikeun malaikat jeung nabi jadi pangerén. Naha (pantes) anjeunna maréntah ka aranjeun sangkan jadi kapir sanggeus jadi muslim?

وَاِذْ اَخَذَ اللّٰهُ مِيْثَاقَ النَّبِيّٖنَ لَمَآ اٰتَيْتُكُمْ مِّنْ كِتٰبٍ وَّحِكْمَةٍ ثُمَّ جَاۤءَكُمْ رَسُوْلٌ مُّصَدِّقٌ لِّمَا مَعَكُمْ لَتُؤْمِنُنَّ بِهٖ وَلَتَنْصُرُنَّهٗ ۗ قَالَ ءَاَقْرَرْتُمْ وَاَخَذْتُمْ عَلٰى ذٰلِكُمْ اِصْرِيْ ۗ قَالُوْٓا اَقْرَرْنَا ۗ قَالَ فَاشْهَدُوْا وَاَنَا۠ مَعَكُمْ مِّنَ الشّٰهِدِيْنَ٨١
Wa iż akhażallāhu mīṡāqan-nabiyyīna lamā ātaitukum min kitābiw wa ḥikmatin ṡumma jā'akum rasūlum muṣaddiqul limā ma‘akum latu'minunna bihī wa latanṣurunnah(ū), qāla a'aqrartum wa akhażtum ‘alā żālikum iṣrī, qālū aqrarnā, qāla fasyhadū wa ana ma‘akum minasy-syāhidīn(a).
[81] (Sing inget) nalika Allah netepkeun perjangjian jeung para nabi (samѐmѐh Muhammad), “Lamun (engkѐ) Kami maparinkeun Kitab jeung hikmah ka aranjeun, tuluy datang ka aranjeun rasul anu ngaenyakeun kana (Kitab) anu aya di aranjeun, tangtu aranjeun bakal bener-bener iman jeung ngabéla ka anjeunna.” Allah naros, “Naha aranjeun satuju jeung narima kana perjangjian ka Kami bieu (anu diucapkeun ka aranjeun)?” Para nabi ngawaler, “Abdi sadaya satuju.” Mantenna ngadawuh, “Lamun kitu, pék saksian (hé para nabi), Kami ogé milu jadi saksi babarengan jeung aranjeun.” 133
133) Para nabi jangji ka Allah Swt. yén saupama sumping rasul anu namina Muhammad, aranjeunna badé iman sarta nulungan ka anjeunna. Jangji-pasini nabi-nabi ieu ngabeungkeut ogé para umatna.

فَمَنْ تَوَلّٰى بَعْدَ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ٨٢
Faman tawallā ba‘da żālika fa ulā'ika humul-fāsiqūn(a).
[82] Saha baé anu tuluy ngabalieur sanggeusna kitu, nya maranѐhna pisan jalma-jalma anu pasék téh.

اَفَغَيْرَ دِيْنِ اللّٰهِ يَبْغُوْنَ وَلَهٗ ٓ اَسْلَمَ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ طَوْعًا وَّكَرْهًا وَّاِلَيْهِ يُرْجَعُوْنَ٨٣
Afagaira dīnillāhi yabgūna wa lahū aslama man fis-samāwāti wal-arḍi ṭau‘aw wa ilaihi yurja‘ūn(a).
[83] Naha maranѐhna tѐh nѐangan salian ti agama Allah? Padahal sakabéh nu aya di langit tur di bumi téh sumerah ka Mantenna, boh kalayan suka boh kalayan kapaksa, jeung (padahal) ka Mantenna wungkul maranѐhna bakal dibalikkeun.

قُلْ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَمَآ اُنْزِلَ عَلَيْنَا وَمَآ اُنْزِلَ عَلٰٓى اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ وَالْاَسْبَاطِ وَمَآ اُوْتِيَ مُوْسٰى وَعِيْسٰى وَالنَّبِيُّوْنَ مِنْ رَّبِّهِمْۖ لَا نُفَرِّقُ بَيْنَ اَحَدٍ مِّنْهُمْۖ وَنَحْنُ لَهٗ مُسْلِمُوْنَ٨٤
Qul āmannā billāhi wa mā unzila ‘alainā wa mā unzila ‘alā ibrāhīma wa ismā‘īla wa isḥāqa wa ya‘qūba wal-asbāṭi wa mā ūtiya mūsā wa ‘īsā wan-nabiyyūna mir rabbihim, lā nufarriqu baina aḥadim minhum, wa naḥnu lahū muslimūn(a).
[84] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Abdi sadaya iman ka Allah sareng kana naon anu diturunkeun ka abdi sadaya, kana naon anu diturunkeun ka Ibrahim, Ismail, Yaqub, sareng putra-putrana, tur kana naon anu dipaparinkeun ka Musa, Isa, sareng para nabi (sanésna) ti Pangéran aranjeunna. Abdi sadaya henteu ngabénten-bénten ka salah saurang antawis aranjeunna. Mung ka Mantenna abdi sadaya sumerah diri téh.”

وَمَنْ يَّبْتَغِ غَيْرَ الْاِسْلَامِ دِيْنًا فَلَنْ يُّقْبَلَ مِنْهُۚ وَهُوَ فِى الْاٰخِرَةِ مِنَ الْخٰسِرِيْنَ٨٥
Wa may yabtagi gairal-islāmi dīnan falay yuqbala minh(u), wa huwa fil-ākhirati minal khāsirīn(a).
[85] Saha baé jalma nu néangan agama (séjén) salain ti Islam, éta agama téh moal pisan diterima ti manéhna jeung di ahérat manéhna kaasup jalma-jalma anu rugi.

كَيْفَ يَهْدِى اللّٰهُ قَوْمًا كَفَرُوْا بَعْدَ اِيْمَانِهِمْ وَشَهِدُوْٓا اَنَّ الرَّسُوْلَ حَقٌّ وَّجَاۤءَهُمُ الْبَيِّنٰتُ ۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ٨٦
Kaifa yahdillāhu qauman kafarū ba‘da īmānihim wa syahidū annar-rasūla ḥaqquw wa jā'ahumul-bayyināt(u), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[86] Kumaha Allah bakal maparin pituduh ka kaom anu jadi kapir sanggeus maranéhna iman, sanggeus ngaku yѐn saenyana Rasul (Muhammad) téh bener-bener (rasul), tur bukti-bukti anu jelas geus datang ka maranéhna? Allah moal bakal maparin pituduh ka jalma-jalma anu dolim.

اُولٰۤىِٕكَ جَزَاۤؤُهُمْ اَنَّ عَلَيْهِمْ لَعْنَةَ اللّٰهِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةِ وَالنَّاسِ اَجْمَعِيْنَۙ٨٧
Ulā'ika jazā'uhum anna ‘alaihim la‘natallāhi wal-malā'ikati wan-nāsi ajma‘īn(a).
[87] Éta jalma-jalma téh wawalesna (nyaéta) bakal ditibankeun la'nat ti Allah, ti para malaikat, tur ti sakabéh manusa.

خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۚ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُوْنَۙ٨٨
Khālidīna fihā, lā yukhaffafu ‘anhumul-‘ażābu wa lā hum yunẓarūn(a).
[88] Maranéhna téh langgeng di dinyana. Moal diénténgkeun siksa ti maranéhna jeung moal dibéré témpo,

اِلَّا الَّذِيْنَ تَابُوْا مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ وَاَصْلَحُوْاۗ فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٨٩
Illal-lażīna tābū mim ba‘di żālika wa aṣlaḥū, fa'innallāha gafūrur raḥīm(un).
[89] kajaba jalma-jalma anu tobat sanggeus éta jeung ngoméan dirina, (lantaran) saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بَعْدَ اِيْمَانِهِمْ ثُمَّ ازْدَادُوْا كُفْرًا لَّنْ تُقْبَلَ تَوْبَتُهُمْ ۚ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الضَّاۤلُّوْنَ٩٠
Innal-lażīna kafarū ba‘da īmānihim ṡummazdādū kufral lan tuqbala taubatuhum, wa ulā'ika humuḍ-ḍāllūn(a).
[90] Sabenerna jalma-jalma kapir sanggeus iman tuluy nambahan kakapiranana, mangka moal pisan diterima tobatna. Maranѐhna téh jalma-jalma anu bener-bener sasar.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَمَاتُوْا وَهُمْ كُفَّارٌ فَلَنْ يُّقْبَلَ مِنْ اَحَدِهِمْ مِّلْءُ الْاَرْضِ ذَهَبًا وَّلَوِ افْتَدٰى بِهٖۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ وَّمَا لَهُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ ࣖ ۔٩١
Innal-lażīna kafarū wa mātū wa hum kuffārun falay yuqbala min aḥadihim mil'ul-arḍi żahabaw wa lawiftadā bih(ī), ulā'ika lahum ‘ażābun alīmuw wa mā lahum min nāṣirīn(a).
[91] Sabenerna jalma-jalma anu kupur jeung paéh dina kakapiran, mangka moal diterima (tebusan) ti salah saurang maranéhna sanajan (mangrupa) emas sapinuhna bumi, lamun seug maranéhna rék nebus dirina ku éta. Nya maranѐhna pisan jalma-jalma anu meunang siksaan nu kacida nyerina jeung moal pisan aya nu nulungan.

لَنْ تَنَالُوا الْبِرَّ حَتّٰى تُنْفِقُوْا مِمَّا تُحِبُّوْنَ ۗوَمَا تُنْفِقُوْا مِنْ شَيْءٍ فَاِنَّ اللّٰهَ بِهٖ عَلِيْمٌ٩٢
Lan tanālul-birra ḥattā tunfiqū mimmā tuḥibbūn(a), wa mā tunfiqū min syai'in fa innallāha bihī ‘alīm(un).
[92] Aranjeun moal pisan meunang kahadéan (nu sampurna) saméméh ngainpakkeun sabagian tina harta anu dipikaresep ku aranjeun. (Mangrupa) naon baѐ anu diinpakkeun ku aranjeun, nya sabenerna Allah mah Mahauninga kana ѐta (inpak).

۞ كُلُّ الطَّعَامِ كَانَ حِلًّا لِّبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اِلَّا مَا حَرَّمَ اِسْرَاۤءِيْلُ عَلٰى نَفْسِهٖ مِنْ قَبْلِ اَنْ تُنَزَّلَ التَّوْرٰىةُ ۗ قُلْ فَأْتُوْا بِالتَّوْرٰىةِ فَاتْلُوْهَآ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٩٣
Kulluṭ-ṭa‘āmi kāna ḥillal libanī isrā'īla illā mā ḥarrama isrā'īlu ‘alā nafsihī min qabli an tunazzalat-taurāh(tu), qul fa'tū bit-taurāti fatlūhā in kuntum ṣādiqīn(a).
[93] Sakabéh kadaharan téh halal pikeun Bani Israél saméméh Torét diturunkeun, 134 kajaba anu diharamkeun ku Israél (Yaqub) pikeun dirina ku anjeun. 135 Pok ceritakeun ku hidep (Muhammad), “(Lamun aranjeun ngaku aya kadaharan nu diharamkeun saméméh Torét diturunkeun), pék geura bawa éta Torét téh sarta pék baca mun enya mah aranjeun bener!”
134) Sanggeus Torét diturunkeun, aya sababaraha inuman anu diharamkeun ka Bani Israél minangka hukuman. Ngaran-ngaran ѐta inuman disebut di jerona. Tingal an-Nisā'/4: 160 sarta al-An`ām/6:46. 135) Nyaéta daging sapi.

فَمَنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٩٤
Fa maniftarā ‘alallāhil-każiba mim ba‘di żālika fa ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[94] Ku kituna, saha baé anu ngaya-ngayakeun kabohongan ka Allah 136 sanggeusna éta, nya maranѐhna téh jalma-jalma anu dolim.
136) Bohong ka Allah tѐh kalayan ngomong yѐn samѐmѐh Torét diturunkeun, Allah tos ngaharamkeun sababaraha inuman ka Bani Israél.

قُلْ صَدَقَ اللّٰهُ ۗ فَاتَّبِعُوْا مِلَّةَ اِبْرٰهِيْمَ حَنِيْفًاۗ وَمَا كَانَ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ٩٥
Qul ṣadaqallāh(u), fattabi‘ū millata ibrāhīma ḥanīfā(n), wa mā kāna minal-musyrikīn(a).
[95] Pok ceritakeun ku hidep (Muhammad), “Allah téh leres (dina sadaya dawuhana-Na). Ku kituna, geura tumut aranjeun kana agama Ibrahim anu lempeng. Anjeunna mah sanés ti golongan jalma-jalma musrik.”

اِنَّ اَوَّلَ بَيْتٍ وُّضِعَ لِلنَّاسِ لَلَّذِيْ بِبَكَّةَ مُبٰرَكًا وَّهُدًى لِّلْعٰلَمِيْنَۚ٩٦
Inna awwala baitiw wuḍi‘a lin-nāsi lal-lażī bibakkata mubārakaw wa hudal lil-‘ālamīn(a).
[96] Sabenerna imah (geusan ibadah ka Allah) anu pangheulana diwangun pikeun manusa téh nyaéta nu aya di Bakkah (Mekah) 137 anu diberkahan jeung (dijadikeun) pituduh keur sakumna alam.
137) Ahli Kitab ngomong yѐn imah geusan tempat ibadah anu kahiji diadegkeun tѐh aya di Baitulmaqdis, ku sabab ѐta Allah ngabantah kana ѐta omongan.

فِيْهِ اٰيٰتٌۢ بَيِّنٰتٌ مَّقَامُ اِبْرٰهِيْمَ ەۚ وَمَنْ دَخَلَهٗ كَانَ اٰمِنًا ۗ وَلِلّٰهِ عَلَى النَّاسِ حِجُّ الْبَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ اِلَيْهِ سَبِيْلًا ۗ وَمَنْ كَفَرَ فَاِنَّ اللّٰهَ غَنِيٌّ عَنِ الْعٰلَمِيْنَ٩٧
Fīhi āyātum bayyinātum maqāmu ibrāhīm(a), wa man dakhalahū kāna āminā(n), wa lillāhi ‘alan-nāsi ḥijjul-baiti manistaṭā‘a ilaihi sabīlā(n), wa man kafara fa innallāha ganiyyun ‘anil-‘ālamīn(a).
[97] Di dinya aya tanda-tanda anu jelas, nyaéta (ti antarana) Maqom (tilas ngadegna) Ibrahim. 138 Saha baé anu asup ka dinya (Baitullah), pasti ngarasa tengtrem. (Ti antara) kawajiban keur manusa karana Allah téh nyaéta munggah haji, nyaéta keur saha baé anu sanggup di jalanna. 139 Saha baé nu ingkar (kana kawajiban haji), mangka sing nyaho yén saleresna Allah Mahasugih (henteu meryogikeun hiji hal) ti sakumna alam.
138) Tingal al-Baqarah/2:125. 139) Nyaѐta jalma anu boga bebekelan sarta pakakas-pakakas angkutan tur sѐhat jasmani. Di jalanna ogѐ aman sarta kulawarga anu ditinggalkeun dijamin kahirupanana.

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لِمَ تَكْفُرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَاللّٰهُ شَهِيْدٌ عَلٰى مَا تَعْمَلُوْنَ٩٨
Qul yā ahlal-kitābi lima takfurūna bi'āyātillāh(i), wallāhu syahīdun ‘alā mā ta‘malūn(a).
[98] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé Ahli Kitab, naha geuning aranjeun terus-terusan ingkar kana ayat-ayat Allah, padahal Allah téh Maha Nyakséni kana naon-naon anu dipilampah ku aranjeun?”

قُلْ يٰٓاَهْلَ الْكِتٰبِ لِمَ تَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ مَنْ اٰمَنَ تَبْغُوْنَهَا عِوَجًا وَّاَنْتُمْ شُهَدَاۤءُ ۗ وَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ٩٩
Qul yā ahlal-kitābi lima taṣuddūna ‘an sabīlillāhi man āmana tabgūnahā ‘iwajaw wa antum syuhadā'(u), wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[99] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé Ahli Kitab, naha geuning aranjeun terus-terusan nyegah jalma-jalma anu iman tina jalan Allah? Aranjeun miharep (jalan Allah) jadi béngkok, padahal aranjeun téh nyaksian (yѐn jalan Allah téh bener).” 140 Allah henteu lalieun kana sagala hal anu dipilampah ku aranjeun.
140) Nyaksian, maksudna nyaho yѐn agama anu diridoi ku Allah tѐh wungkul Islam.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تُطِيْعُوْا فَرِيْقًا مِّنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ يَرُدُّوْكُمْ بَعْدَ اِيْمَانِكُمْ كٰفِرِيْنَ١٠٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū in tuṭī‘ū farīqam minal-lażīna ūtul-kitāba yaruddūkum ba‘da īmānikum kāfirīn(a).
[100] Hé jalma-jalma anu iman, lamun aranjeun nurut ka sagolongan ti jalma-jalma anu dibéré Kitab, tangtu maranѐhna bakal malikkeun aranjeun jadi jalma-jalma kapir deui sanggeusna iman.

وَكَيْفَ تَكْفُرُوْنَ وَاَنْتُمْ تُتْلٰى عَلَيْكُمْ اٰيٰتُ اللّٰهِ وَفِيْكُمْ رَسُوْلُهٗ ۗ وَمَنْ يَّعْتَصِمْ بِاللّٰهِ فَقَدْ هُدِيَ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ ࣖ١٠١
Wa kaifa takfurūna wa antum tutlā ‘alaikum āyātullāhi wa fīkum rasūluh(ū), wa may ya‘taṣim billāhi faqad hudiya ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[101] Kumaha aranjeun (nepi ka) bisa jadi kapir, apan ayat-ayat Allah geus dibacakeun ka aranjeun jeung Rasul Mantenna ogé aya di tengah-tengah aranjeun? Saha baé anu nyekel pageuh kana (agama) Allah, mangka sabenerna éta jalma geus dibéré pituduh kana jalan anu lempeng.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ حَقَّ تُقٰىتِهٖ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ١٠٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha ḥaqqa tuqātihī wa lā tamūtunna illā wa antum muslimūn(a).
[102] Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah kalayan sabener-benerna takwa jeung omat ulah maot anging dina kaayaan muslim (tunduk jeung masrahkeun diri ka Allah).

وَاعْتَصِمُوْا بِحَبْلِ اللّٰهِ جَمِيْعًا وَّلَا تَفَرَّقُوْا ۖوَاذْكُرُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ اِذْ كُنْتُمْ اَعْدَاۤءً فَاَلَّفَ بَيْنَ قُلُوْبِكُمْ فَاَصْبَحْتُمْ بِنِعْمَتِهٖٓ اِخْوَانًاۚ وَكُنْتُمْ عَلٰى شَفَا حُفْرَةٍ مِّنَ النَّارِ فَاَنْقَذَكُمْ مِّنْهَا ۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمْ اٰيٰتِهٖ لَعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَ١٠٣
Wa‘taṣimū biḥablillāhi jamī‘aw wa lā tafarraqū, ważkurū ni‘matallāhi ‘alaikum iż kuntum a‘dā'an fa allafa baina qulūbikum fa aṣbaḥtum bi ni‘matihī ikhwānā(n), wa kuntum ‘alā syafā ḥufratim minan-nāri fa anqażakum minhā, każālika yubayyinullāhu lakum āyātihī la‘allakum tahtadūn(a).
[103] Prak aranjeun saréréa geura nyekel sing pageuh kana tali (agama) Allah jeung ulah pabalencar. Sing inget kana ni'mat Allah anu (dipaparinkeun) ka aranjeun basa keur mumusuhan (jaman Jahiliyah), tuluy Allah ngahijikeun haté aranjeun. Nya ku éta ni'mat Allah aranjeun téh jadi duduluran. Ogé basa aranjeun geus aya dina sisi gawir api (naraka), tuluy Mantenna nyalametkeun aranjeun tina éta bahaya. Tah kitu Allah nerangkeun ayat-ayat-Na ka aranjeun sangkan aranjeun meunang pituduh.

وَلْتَكُنْ مِّنْكُمْ اُمَّةٌ يَّدْعُوْنَ اِلَى الْخَيْرِ وَيَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ ۗ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ١٠٤
Waltakum minkum ummatuy yad‘ūna ilal-khairi wa ya'murūna bil-ma‘rūfi wa yanhauna ‘anil-munkar(i), wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[104] Kudu aya ti antara aranjeun sagolongan jalma anu ngajak kana kahadéan, nitah ka nu ma’rup, 141 jeung nyegah tina mungkar. Aranjeunna téh nya jalma-jalma anu untung.
141) Ma’rup tѐh sagala pagawѐan anu matak ngaraketkeun diri ka Allah, sedengkeun mungkar tѐh sagala pagawѐan anu ngajauhkeun diri ti Allah.

وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ تَفَرَّقُوْا وَاخْتَلَفُوْا مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَهُمُ الْبَيِّنٰتُ ۗ وَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ ۙ١٠٥
Wa lā takūnū kal-lażīna tafarraqū wakhtalafū mim ba‘di mā jā'ahumul-bayyināt(u), wa ulā'ika lahum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[105] Omat aranjeun ulah jadi jiga jalma-jalma (Ahli Kitab) anu pabalencar jeung paraséa sabada datang ka maranѐhna katerangan anu jelas. Nya maranѐhna pisan jalma-jalma anu meunang siksaan anu kacida beuratna.

يَّوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهٌ وَّتَسْوَدُّ وُجُوْهٌ ۚ فَاَمَّا الَّذِيْنَ اسْوَدَّتْ وُجُوْهُهُمْۗ اَ كَفَرْتُمْ بَعْدَ اِيْمَانِكُمْ فَذُوْقُوا الْعَذَابَ بِمَا كُنْتُمْ تَكْفُرُوْنَ١٠٦
Yauma tabyaḍḍu wujūhuw wa taswaddu wujūh(un), fa ammal-lażīnaswaddat wujūhuhum, akafartum ba‘da īmānikum fa żūqul-‘ażāba bimā kuntum takfurūn(a).
[106] (Nyaéta) dina poé (nalika) aya beungeut-beungeut anu bodas marahmay jeung aya ogé beungeut-beungeut (sejénna) anu hideung berengut. Jalma-jalma anu beungeutna hideung berengut (ditanya), “Naha atuh maranéh bet kapir sanggeusna iman? Ku kituna, pék geura rasakeun siksaan alatan kakapiran maranéh!”

وَاَمَّا الَّذِيْنَ ابْيَضَّتْ وُجُوْهُهُمْ فَفِيْ رَحْمَةِ اللّٰهِ ۗ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ١٠٧
Wa ammal lażīnabyaḍḍat wujūhuhum fafī raḥmatillāh(i), hum fīhā khālidūn(a).
[107] Sedengkeun jalma-jalma anu beungeutna marahmay bodas mah bakal aya dina rahmat Allah (sawarga). Aranjeunna bakal langgeng di dinyana.

تِلْكَ اٰيٰتُ اللّٰهِ نَتْلُوْهَا عَلَيْكَ بِالْحَقِّ ۗ وَمَا اللّٰهُ يُرِيْدُ ظُلْمًا لِّلْعٰلَمِيْنَ١٠٨
Tilka āyātullāhi natlūhā ‘alaika bil-ḥaqq(i), wa mallāhu yurīdu ẓulmal lil-‘ālamīn(a).
[108] Éta téh ayat-ayat Allah anu dibacakeun ku Kami ka hidep (Muhammad) kalayan bener. Allah henteu miharep ngadoliman ka (saha baѐ di) sakumna alam.

وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ ۗوَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ ࣖ١٠٩
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[109] Kagungan Allah sagala nu aya di langit jeung sagala nu aya di bumi. Mung ka Allah wungkul sagala perkara dipulangkeun.

كُنْتُمْ خَيْرَ اُمَّةٍ اُخْرِجَتْ لِلنَّاسِ تَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَتَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَتُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ ۗ وَلَوْ اٰمَنَ اَهْلُ الْكِتٰبِ لَكَانَ خَيْرًا لَّهُمْ ۗ مِنْهُمُ الْمُؤْمِنُوْنَ وَاَكْثَرُهُمُ الْفٰسِقُوْنَ١١٠
Kuntum khaira ummatin ukhrijat lin-nāsi ta'murūna bil-ma‘rūfi wa tanhauna ‘anil-munkari wa tu'minūna billāh(i), wa lau āmana ahlul-kitābi lakāna khairal lahum, minhumul-mu'minūna wa akṡaruhumul-fāsiqūn(a).
[110] Aranjeun (umat Islam) téh panghadé-hadéna umat anu dilahirkeun pikeun (kamaslahatan) manusa, (sabab) aranjeun nitah (migawé) anu ma`rup jeung nyegah tina nu mungkar, sarta iman ka Allah. Lamun seug Ahli Kitab ariman, tangtu hadé pisan pikeun maranѐhna. Ti antara maranѐhna aya jalma-jalma anu iman, tapi lolobana mah jalma-jalma anu pasék.

لَنْ يَّضُرُّوْكُمْ اِلَّآ اَذًىۗ وَاِنْ يُّقَاتِلُوْكُمْ يُوَلُّوْكُمُ الْاَدْبَارَۗ ثُمَّ لَا يُنْصَرُوْنَ١١١
Lay yaḍurrūkum illā ażā(n), wa iy yuqātilūkum yuwallūkumul-adbār(a), ṡumma lā yunṣarūn(a).
[111] Maranѐhna moal ngabahayakeun aranjeun, paling gangguan-gangguan leutik wungkul. Lamun maranѐhna merangan aranjeun, maranѐhna pasti bakal kabur (éléh), saterusna moal aya nu nulungan.

ضُرِبَتْ عَلَيْهِمُ الذِّلَّةُ اَيْنَ مَا ثُقِفُوْٓا اِلَّا بِحَبْلٍ مِّنَ اللّٰهِ وَحَبْلٍ مِّنَ النَّاسِ وَبَاۤءُوْ بِغَضَبٍ مِّنَ اللّٰهِ وَضُرِبَتْ عَلَيْهِمُ الْمَسْكَنَةُ ۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَانُوْا يَكْفُرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَيَقْتُلُوْنَ الْاَنْبِۢيَاۤءَ بِغَيْرِ حَقٍّۗ ذٰلِكَ بِمَا عَصَوْا وَّكَانُوْا يَعْتَدُوْنَ١١٢
Ḍuribat ‘alaihimuż-żillatu aina mā ṡuqifū illā biḥablim minallāhi wa ḥablim minan-nāsi wa bā'ū bigaḍabim minallāhi wa ḍuribat ‘alaihimul-maskanah(tu), żālika bi'annahum kānū yakfurūna bi'āyātillāhi wa yaqtulūnal-ambiyā'a bigairi ḥaqq(in), żālika bimā ‘aṣaw wa kānū ya‘tadūn(a).
[112] Maranѐhna ditibanan kahinaan di mana waѐ ayana, anging upama nyekel pageuh kana tali (agama) Allah jeung tali (jangji) jeung manusa. Maranѐhna meunang bebendon ti Allah jeung (terus-terusan) ditibanan kasangsaraan. Kitu peta téh lantaran maranѐhna ingkar kana aya-ayat Allah sarta nelasan nabi-nabi kalayan tanpa alesan anu bener. Éta téh lantaran maranѐhna doraka jeung ngaliwatan wates.

۞ لَيْسُوْا سَوَاۤءً ۗ مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ اُمَّةٌ قَاۤىِٕمَةٌ يَّتْلُوْنَ اٰيٰتِ اللّٰهِ اٰنَاۤءَ الَّيْلِ وَهُمْ يَسْجُدُوْنَ١١٣
Laisū sawā'ā(n), min ahlil-kitābi ummatun qā'imatuy yatlūna āyātillāhi ānā'al-laili wa hum yasjudūn(a).
[113] Maranѐhna henteu (sakabѐhna) sarua. Ti antara Ahli Kitab aya golongan anu jujur 142 anu sok maca ayat-ayat Allah dina waktu peuting jeung ogѐ sok sujud (salat).
142) Golongan Ahli Kitab anu geus nganut agama Islam.

يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَيَأْمُرُوْنَ بِالْمَعْرُوْفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ وَيُسَارِعُوْنَ فِى الْخَيْرٰتِۗ وَاُولٰۤىِٕكَ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ١١٤
Yu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhiri wa ya'murūna bil-ma‘rūfi wa yanhauna ‘anil-munkari wa yusāri‘ūna fil-khairāt(i), wa ulā'ika minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[114] Aranjeunna iman ka Allah tur kana poѐ ahir, sok nitah (migawѐ) anu ma`rup, sok nyegah tina anu mungkar, jeung sok paheula-heula milampah kahadéan. Aranjeunna tѐh kaasup jalma-jalma anu soléh.

وَمَا يَفْعَلُوْا مِنْ خَيْرٍ فَلَنْ يُّكْفَرُوْهُ ۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢبِالْمُتَّقِيْنَ١١٥
Wa mā yaf‘alūna min khairin falay yukfarūh(u), wallāhu ‘alīmum bil-muttaqīn(a).
[115] Kahadéan naon baé anu dipigawé ku aranjeunna, mangka moal dileungitkeun. Apan Allah mah Mahauninga ka jalma-jalma anu takwa.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَنْ تُغْنِيَ عَنْهُمْ اَمْوَالُهُمْ وَلَآ اَوْلَادُهُمْ مِّنَ اللّٰهِ شَيْـًٔا ۗ وَاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ١١٦
Innal-lażīna kafarū lan tugniya ‘anhum amwāluhum wa lā aulāduhum minallāhi syai'ā(n), wa ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[116] Sabenerna jalma-jalma kapir mah, boh harta bandana boh anak-anakna, saeutik ogé moal bisa nolak siksaan Allah tina dirina. Nya maranѐhna pisan nu jadi pangeusi naraka tur bakal langgeng di dinyana.

مَثَلُ مَا يُنْفِقُوْنَ فِيْ هٰذِهِ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا كَمَثَلِ رِيْحٍ فِيْهَا صِرٌّ اَصَابَتْ حَرْثَ قَوْمٍ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فَاَهْلَكَتْهُ ۗ وَمَا ظَلَمَهُمُ اللّٰهُ وَلٰكِنْ اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ١١٧
Maṡalu mā yunfiqūna fī hāżihil-ḥayātid-dun-yā kamaṡali rīḥin fihā ṣirrun aṣābat ḥarṡa qaumin ẓalamū anfusahum fa ahlakath(u), wa mā ẓalamahumullāhu wa lākin anfusahum yaẓlimūn(a).
[117] Ari paupamaan harta anu diinpakkeun ku maranѐhna dina kahirupan ieu dunya éta jiga angin anu ngandung hawa nu kacida tiisna anu narajang pepelakan (boga) hiji kaom nu ngadolim dirina sorangan, tuluy éta (angin) ngaruksak pepelakanana. Allah mah henteu ngadoliman ka maranѐhna, tapi maranѐhna pisan nu ngadoliman kana dirina sorangan.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّخِذُوْا بِطَانَةً مِّنْ دُوْنِكُمْ لَا يَأْلُوْنَكُمْ خَبَالًاۗ وَدُّوْا مَا عَنِتُّمْۚ قَدْ بَدَتِ الْبَغْضَاۤءُ مِنْ اَفْوَاهِهِمْۖ وَمَا تُخْفِيْ صُدُوْرُهُمْ اَكْبَرُ ۗ قَدْ بَيَّنَّا لَكُمُ الْاٰيٰتِ اِنْ كُنْتُمْ تَعْقِلُوْنَ١١٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattakhiżū biṭānatam min dūnikum lā ya'lūnakum khabālā(n), waddū mā ‘anittum, qad badatil-bagḍā'u min afwāhihim, wa mā tukhfī ṣudūruhum akbar(u), qad bayyannā lakumul-āyāti in kuntum ta‘qilūn(a).
[118] Hé jalma-jalma nu iman, omat aranjeun ulah ngajadikeun jalma-jalma di luar golongan aranjeun salaku sobat nu dipercaya ku aranjeun, (lantaran) maranѐhna mah moal petot-petot nyusahkeun aranjeun! Maranѐhna mah ngaharepkeun kaancuran aranjeun. Bener-bener geus tétéla kaceuceubna tina sungut maranѐhna, sedengkeun nu nyumput dina jero haténa mah tangtu leuwih jahat. Kami bener-bener geus nerangkeun ka aranjeun ayat-ayat (Kami) lamu aranjeun ngagunakeun akal mah.

هٰٓاَنْتُمْ اُولَاۤءِ تُحِبُّوْنَهُمْ وَلَا يُحِبُّوْنَكُمْ وَتُؤْمِنُوْنَ بِالْكِتٰبِ كُلِّهٖۚ وَاِذَا لَقُوْكُمْ قَالُوْٓا اٰمَنَّاۖ وَاِذَا خَلَوْا عَضُّوْا عَلَيْكُمُ الْاَنَامِلَ مِنَ الْغَيْظِ ۗ قُلْ مُوْتُوْا بِغَيْظِكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ١١٩
Hā antum ulā'i tuḥibbūnahum wa lā yuḥibbūnakum wa tu'minūna bil-kitābi kullih(ī), wa iżā laqūkum qālū āmannā, wa iżā khalau ‘aḍḍū ‘alaikumul-anāmila minal-gaiẓ(i), qul mūtū bigaiẓikum, innallāha ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[119] Geuning kitu peta aranjeun téh. Aranjeun mikaresep ka maranѐhna, padahal maranѐhna mah teu resepeun ka aranjeun. (Padahal) aranjeun mah iman kana kitab sagemblengna (sedengkeun manéhna mah henteu). Upama paamprok jeung aranjeun, maranѐhna sok ngomong kieu, “Abdi sadaya ogé iman.” Tapi upama maranѐhna geus nyorangan deui, maranѐhna téh sok ngégél tungtung ramona lantaran ambek jeung ceuceub ka aranjeun. Pok béjakeun ku hidep (Muhammad), “Geura paéh alatan kaceuceub maranéh!” Saleresna Allah téh Mahauningan kana sagala eusi hatѐ.

اِنْ تَمْسَسْكُمْ حَسَنَةٌ تَسُؤْهُمْۖ وَاِنْ تُصِبْكُمْ سَيِّئَةٌ يَّفْرَحُوْا بِهَا ۗ وَاِنْ تَصْبِرُوْا وَتَتَّقُوْا لَا يَضُرُّكُمْ كَيْدُهُمْ شَيْـًٔا ۗ اِنَّ اللّٰهَ بِمَا يَعْمَلُوْنَ مُحِيْطٌ ࣖ١٢٠
In tamsaskum ḥasanatun tasu'hum, wa in tuṣibkum sayyi'atuy yafraḥū bihā, wa in taṣbirū wa tattaqū lā yaḍurrukum kaiduhum syai'ā(n), innallāha bimā ya‘malūna muḥīṭ(un).
[120] Lamun aranjeun meunang kahadéan, tangtu maranѐhna mah kalah ka sedih, tapi (sabalikna) upama aranjeun katiban musibah, maranѐhna mah bungah. Lamun aranjeun sabar jeung takwa mah, tangtu tipu dayana téh moal bisa nyusahkeun ka aranjeun saeutik ogé. Saleresna Allah Maha Ngawengku kana sagala nu dipilampah ku maranѐhna.

وَاِذْ غَدَوْتَ مِنْ اَهْلِكَ تُبَوِّئُ الْمُؤْمِنِيْنَ مَقَاعِدَ لِلْقِتَالِ ۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌۙ١٢١
Wa iż gadauka min ahlika tubawwi'ul-mu'minīna maqā‘ida lil-qitāl(i), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[121] (Sing inget) nalika hidep (Muhammad) indit isuk-isuk ninggalkeun kulawarga hidep seja nempatkeun jalma-jalma anu iman di pos-pos peperangan. 143 Allah téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
143) Kajadian ieu lumangsung dina Perang Uhud anu nurutkeun ahli sajarah lumangsung dina tahun ka-3 H.

اِذْ هَمَّتْ طَّۤاىِٕفَتٰنِ مِنْكُمْ اَنْ تَفْشَلَاۙ وَاللّٰهُ وَلِيُّهُمَا ۗ وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ١٢٢
Iż hammat-ṭā'ifatāni minkum an tafsyalā, wallāhu waliyyuhumā, wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[122] (Sing ingat deui) waktu aya dua golongan ti antara aranjeun 144 hayangeun (mundur) lantaran kasieunan, padahal Allah bakal nulungan ka éta (dua golongan). Ku kituna, jalma-jalma mu’min sakuduna mah tawekal (ka Mantenna).
144) Nyaѐta Bani Salamah ti suku Khazraj sarta Bani Harisah ti suku Aus. Duanana ti jajaran kaom muslimin.

وَلَقَدْ نَصَرَكُمُ اللّٰهُ بِبَدْرٍ وَّاَنْتُمْ اَذِلَّةٌ ۚ فَاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ١٢٣
Wa laqad naṣarakumullāhu bibadriw wa antum ażillah(tun), fattaqullāha la‘allakum tasykurūn(a).
[123] (Buktina) Allah bener-bener geus nulungan aranjeun waktu Perang Badar, padahal aranjeun téh (harita) aya dina kaayaan héngkér. 145 Ku kituna, kudu takwa ka Allah sangkan aranjeun jadi jalma-jalma nu sukuran (ka Mantenna).
145) Kaayaan kaom muslimin lemah ku sabab aranjeunna saeutik sarta perlengkapanana kurang.

اِذْ تَقُوْلُ لِلْمُؤْمِنِيْنَ اَلَنْ يَّكْفِيَكُمْ اَنْ يُّمِدَّكُمْ رَبُّكُمْ بِثَلٰثَةِ اٰلَافٍ مِّنَ الْمَلٰۤىِٕكَةِ مُنْزَلِيْنَۗ١٢٤
Iż taqūlu lil-mu'minīna alay yakfiyakum ay yumiddakum rabbukum biṡalāṡati ālāfim minal-malā'ikati munzalīn(a).
[124] (Sing inget deui) waktu hidep (Muhammad) nanya ka kaom mu’minin, “Naha henteu cukup pikeun aranjeun yén Allah geus ngabantu aranjeun ku tilu rebu malaikat anu diturunkeun (ti langit)?”

بَلٰٓى ۙاِنْ تَصْبِرُوْا وَتَتَّقُوْا وَيَأْتُوْكُمْ مِّنْ فَوْرِهِمْ هٰذَا يُمْدِدْكُمْ رَبُّكُمْ بِخَمْسَةِ اٰلَافٍ مِّنَ الْمَلٰۤىِٕكَةِ مُسَوِّمِيْنَ١٢٥
Balā, in taṣbirū wa tattaqū wa ya'tūkum min faurihim hāżā yumdidkum rabbukum bikhamsati ālāfim minal-malā'ikati musawwimīn(a).
[125] “Tangtu” (cukup). Malah lamun aranjeun sabar jeung sieun (ngarempak paréntah), mangka (lamun) musuh datang narajang ka aranjeun kalayan ngadadak, tangtu Mantenna bakal nulungan ka aranjeun ku lima rebu malaikat nu maké tanda.

وَمَا جَعَلَهُ اللّٰهُ اِلَّا بُشْرٰى لَكُمْ وَلِتَطْمَىِٕنَّ قُلُوْبُكُمْ بِهٖ ۗ وَمَا النَّصْرُ اِلَّا مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ الْعَزِيْزِ الْحَكِيْمِۙ١٢٦
Wa mā ja‘alahullāhu illā busyrā lakum wa litaṭma'inna qulūbukum bih(ī), wa man-naṣru illā min ‘indillāhil-‘azīzil-ḥakīm(i).
[126] Allah henteu ngajadikeun éta hal (maparin balabantuan) kajaba minangka béja nu pikagumbiraeun pikeun (kaunggulan) aranjeun, jeung supaya hatѐ aranjeun tengtrem ku ayana éta jangji. Moal aya kaunggulan angin ti Allah Nu Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

لِيَقْطَعَ طَرَفًا مِّنَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَوْ يَكْبِتَهُمْ فَيَنْقَلِبُوْا خَاۤىِٕبِيْنَ١٢٧
Liyaqṭa‘a ṭarafam minal-lażīna kafarū au yakbitahum fa yanqalibū khā'ibīn(a).
[127] (Allah nulungan ka aranjeun dina Perang Badar tѐh) nyaéta pikeun ngabinasakeun sagolongan jalma-jalma kapir, 146 atawa pikeun ngajadikeun maranѐhna hina nepi ka balik bari teu meunang naon-naon.
146) Nyaѐta dipaѐhanana tujuh puluh pamingpin maranѐhna sarta diboyongna tujuh puluh jalma lianna.

لَيْسَ لَكَ مِنَ الْاَمْرِ شَيْءٌ اَوْ يَتُوْبَ عَلَيْهِمْ اَوْ يُعَذِّبَهُمْ فَاِنَّهُمْ ظٰلِمُوْنَ١٢٨
Laisa laka minal-amri syai'un au yatūba ‘alaihim au yu‘ażżibahum fa innahum ẓālimūn(a).
[128] Lain urusan hidep (Muhammad) saeutik ogѐ 147 naha Allah nampi tobat maranѐhna atawa nyiksa maranѐhna, sabab geus tétéla yѐn maranѐhna téh jalma-jalma anu dolim.
147) Nurutkeun riwayat Bukhari (ngeunaan turunna ieu ayat) nyaѐta margi Nabi Muhammad Saw. Ngadoa ka Allah supados nyalametkeun sabagian pamingpin musrikin sarta ngabinasakan sabagian lianna.

وَلِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ يَغْفِرُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١٢٩
Wa lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), yagfiru limay yasyā'u wa yu‘ażżibu may yasyā'(u), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[129] Kagungan Allah sagala anu aya di langit jeung anu aya di bumi. Mantenna ngahapunten ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna, sarta nyiksa ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَأْكُلُوا الرِّبٰوٓا اَضْعَافًا مُّضٰعَفَةً ۖوَّاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَۚ١٣٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā ta'kulur-ribā aḍ‘āfam muḍā‘afah(tan), wattaqullāha la‘allakum tufliḥūn(a).
[130] Hé jalma-jalma nu iman, omat ulah ngadahar riba kalayan mangtikel-tikel 148 jeung prak kudu takwa ka Allah supaya jadi jalma-jalma anu meunang kabagjaan.
148) Anu dimaksud riba di dieu nyaéta riba nasi'ah. Nurutkeun kalolobaan ulama, riba nasi’ah tѐh salilana haram sanajan teu ngalipet-lipet.

وَاتَّقُوا النَّارَ الَّتِيْٓ اُعِدَّتْ لِلْكٰفِرِيْنَ ۚ١٣١
Wattaqun-nāral latī u‘iddat lil-kāfirīn(a).
[131] Prak ogé geura jaga diri aranjeun tina seuneu naraka anu disadiakeun pikeun jalma-jalma kapir.

وَاَطِيْعُوا اللّٰهَ وَالرَّسُوْلَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَۚ١٣٢
Wa aṭī‘ullāha war-rasūla la‘allakum turḥamūn(a).
[132] Prak geura aranjeun ta’at ka Allah jeung Rasul (Muhammad) supaya dipaprin rahmat (ku Mantenna).

۞ وَسَارِعُوْٓا اِلٰى مَغْفِرَةٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُۙ اُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِيْنَۙ١٣٣
Wa sāri‘ū ilā magfiratim mir rabbikum wa jannatin ‘arḍuhas-samāwātu wal-arḍ(u), u‘iddat lil-muttaqīn(a).
[133] Prak geura aranjeun buru-buru ngahontal pangampura ti Pangéran aranjeun jeung sawarga anu legana salega langit jeung bumi anu disadiakeun pikeun jalma-jalma nu takwa.

الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ فِى السَّرَّۤاءِ وَالضَّرَّۤاءِ وَالْكٰظِمِيْنَ الْغَيْظَ وَالْعَافِيْنَ عَنِ النَّاسِۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَۚ١٣٤
Al-lażīna yunfiqūna fis-sarrā'i waḍ-ḍarrā'i wal-kāẓimīnal gaiẓa wal-‘āfīna ‘anin-nās(i), wallāhu yuḥibbul-muḥsinīn(a).
[134] (Nyaéta) jalma-jalma anu sok inpak dina waktu jembar atawa dina waktu susah, sarta jalma-jalma anu (mampu) nahan amarahna jeung nu sok ngahampura (kana kasalahan) batur. Allah téh mikaresep ka jalma-jalma anu nyieun kahadéan.

وَالَّذِيْنَ اِذَا فَعَلُوْا فَاحِشَةً اَوْ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ ذَكَرُوا اللّٰهَ فَاسْتَغْفَرُوْا لِذُنُوْبِهِمْۗ وَمَنْ يَّغْفِرُ الذُّنُوْبَ اِلَّا اللّٰهُ ۗ وَلَمْ يُصِرُّوْا عَلٰى مَا فَعَلُوْا وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ١٣٥
Wal-lażīna iżā fa‘alū fāḥisyatan au ẓalamū anfusahum żakarullāha fastagfarū liżunūbihim, wa may yagfiruż-żunūba illallāh(u), wa lam yuṣirrū ‘alā mā fa‘alū wa hum ya‘lamūn(a).
[135] (Nya kitu deui) jalma-jalma anu upama migawé kalakuan goréng atawa dolim ka dirina sorangan, 149 maranéhna (buru-buru) éling ka Allah, terus ménta pangampura tina sagala dosana. Saha deui atuh anu tiasa ngahapunten kana dosa-dosa iwal ti Allah? Sarta maranéhna mah tara tutuluyan migawé kana (éta) kagoréngan bari jeung maranéhna nyaho (yén éta téh goréng).
149) Anu dimaksud kalakuan anu goréng (fāhisyah) nyaéta kasalahan gedé anu balukarna henteu ukur tumiba ka diri sorangan, tapi ogé ka batur, saperti jinah jeung riba. Dolim ka diri sorangan nyaéta ngalakukeun kasalahan anu balukarna ngan tumiba ka dirina sorangan, boh gedé boh leutik.

اُولٰۤىِٕكَ جَزَاۤؤُهُمْ مَّغْفِرَةٌ مِّنْ رَّبِّهِمْ وَجَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۗ وَنِعْمَ اَجْرُ الْعٰمِلِيْنَۗ١٣٦
Ulā'ika jazā'uhum magfiratum mir rabbihim wa jannātun tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, wa ni‘ma ajrul-‘āmilīn(a).
[136] Ari wawales pikeun aranjeunna téh nyaéta pangampura ti Pangéranana jeung sawarga-sawarga anu curcor walungan-walungan di handapeunana bari (aranjeunna) bakal langgeng di dinyana. Nya éta téh panghadé-hadéna ganjaran pikeun jalma-jalma anu migawé (amal soléh).

قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِكُمْ سُنَنٌۙ فَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُكَذِّبِيْنَ١٣٧
Qad khalat min qablikum sunan(un), fa sīrū fil-arḍi fanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-mukażżibīn(a).
[137] Bener-bener geus liwat ti saméméh aranjeun sunnah-sunnah (Allah). 150 Ku kituna, pék geura lumampah aranjeun ka (sakuliah) bumi tuluy titénan kumaha balukarna jalma-jalma anu ngabohongkeun (ka rasul-rasul).
150) Anu dimaksud “sunnah Allah” di dieu téh nyaѐta katangtuan-katangtuan Allah mangrupa kacilakaan jeung musibah anu ditimpakeun ka jalma-jalma anu ngabohongkeun ka rasul.

هٰذَا بَيَانٌ لِّلنَّاسِ وَهُدًى وَّمَوْعِظَةٌ لِّلْمُتَّقِيْنَ١٣٨
Hāżā bayānul lin-nāsi wa hudaw wa mau‘iẓatul lil-muttaqīn(a).
[138] Ieu (Al-Qur’an) téh hiji katerangan nu jelas pikeun sakabéh manusa sarta pituduh jeung atikan pikeun jalma-jalma nu takwa.

وَلَا تَهِنُوْا وَلَا تَحْزَنُوْا وَاَنْتُمُ الْاَعْلَوْنَ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٣٩
Wa lā tahinū wa lā taḥzanū wa antumul-a‘launa in kuntum mu'minīn(a).
[139] Omat aranjeun ulah (ngarasa) héngkér jeung sedih, padahal aranjeun téh apan jalma-jalma anu pangluhur (darajat)na lamun seug aranjeun iman (kalawan sabenerna) mah.

اِنْ يَّمْسَسْكُمْ قَرْحٌ فَقَدْ مَسَّ الْقَوْمَ قَرْحٌ مِّثْلُهٗ ۗوَتِلْكَ الْاَيَّامُ نُدَاوِلُهَا بَيْنَ النَّاسِۚ وَلِيَعْلَمَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَيَتَّخِذَ مِنْكُمْ شُهَدَاۤءَ ۗوَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ الظّٰلِمِيْنَۙ١٤٠
Iy yamsaskum qarḥun faqad massal-qauma qarḥum miṡluh(ū), wa tilkal-ayyāmu nudāwiluhā binan-nās(i), wa liya‘lamallāhul-lażīna āmanū wa yattakhiża minkum syuhadā'(u), wallāhu lā yuḥibbuẓ-ẓālimīn(a).
[140] Lamun aranjeun (dina Perang Uhud) ngalaman tatu, sabenerna kaom (kapir) ogé (dina Perang Badar) sarua ngalaman tatu saperti kitu. Mangsa (kaunggulan jeung kaancuran) téh digilirkeun ku Kami di antara umat manusa (sangkan maranéhna meunang atikan), ogé supaya Allah ngabédakeun jalma-jalma anu iman (ti jalma-jalma kapir), sarta sangkan aya sabagian ti antara aranjeun dikersakeun ku Mantenna (maot) sahid. Allah téh henteu mikaresep ka jalma-jalma anu dolim.

وَلِيُمَحِّصَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَيَمْحَقَ الْكٰفِرِيْنَ١٤١
Wa liyumaḥḥiṣallāhul-lażīna āmanū wa yamḥaqal-kāfirīn(a).
[141] (Tujuan sejénna) supaya Allah ngabersihan jalma-jalma anu iman (tina dosa-dosana) jeung ngabinasakeun jalma-jalma kapir.

اَمْ حَسِبْتُمْ اَنْ تَدْخُلُوا الْجَنَّةَ وَلَمَّا يَعْلَمِ اللّٰهُ الَّذِيْنَ جَاهَدُوْا مِنْكُمْ وَيَعْلَمَ الصّٰبِرِيْنَ١٤٢
Am ḥasibtum an tadkhulul-jannata wa lammā ya‘lamillāhul-lażīna jāhadū minkum wa ya‘lamaṣ-ṣābirīn(a).
[142] Naha aranjeung nyangka bakal asup ka sawarga padahal can kabuktian pikeun Allah (saha) jalma-jalma anu jihad ti antara aranjeun, 151 jeung (can) kabuktian pikeun Mantenna (saha) jalma-jalma anu sabar?
151) Jihad ngandung harti: a). Perang pikeun ngadegkeun Islam sarta nangtayungan jalma Islam; b). Merangan hawa napsu; c). Ngainpakkeun harta banda pikeun kaalusan Islam sarta umat Islam; d). Numpes kajahatan sarta ngadegkeun bebeneran.

وَلَقَدْ كُنْتُمْ تَمَنَّوْنَ الْمَوْتَ مِنْ قَبْلِ اَنْ تَلْقَوْهُۖ فَقَدْ رَاَيْتُمُوْهُ وَاَنْتُمْ تَنْظُرُوْنَ ࣖ١٤٣
Wa laqad kuntum tamannaunal-mauta min qabli an talqauh(u), faqad ra'aitumūhu wa antum tanẓurūn(a).
[143] Aranjeun téh bener-bener ngarepkeun hayang maot (kalayan sahid) saméméh nyanghareupan éta (perang). Tah (ayeuna mah) aranjeun bener-bener geus pada ningal kana maot jeung geus pada nyaksian.

وَمَا مُحَمَّدٌ اِلَّا رَسُوْلٌۚ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهِ الرُّسُلُ ۗ اَفَا۟ىِٕنْ مَّاتَ اَوْ قُتِلَ انْقَلَبْتُمْ عَلٰٓى اَعْقَابِكُمْ ۗ وَمَنْ يَّنْقَلِبْ عَلٰى عَقِبَيْهِ فَلَنْ يَّضُرَّ اللّٰهَ شَيْـًٔا ۗوَسَيَجْزِى اللّٰهُ الشّٰكِرِيْنَ١٤٤
Wa mā muḥammadun illā rasūl(un), qad khalat min qablihir-rusul(u), afa'im māta au qutilanqalabtum ‘alā a‘qābikum, wa may yanqalib ‘alā ‘aqibaihi falay yaḍurrallāha syai'ā(n), wa sayajzillāhusy-syākirīn(a).
[144] Muhammad téh ngan saukur hiji rasul. Saméméh anjeunna ogé geus aya sababara rasul. 152 Naha saupama anjeunna wapat atawa ditelasan, aranjeun rѐk balik deui ka tukang (murtad)? Saha baé anu balik deui ka tukang (murtad), mangka maranѐhna téh moal matak ngamadaratkeun ka Allah saeutik ogé. Allah bakal maparin wawales ka jalma-jalma anu sukuran.
152) Nabi Muhammad Saw. tѐh jalmi anu diangkat ku Allah janten rasul. Rasul-rasul sateuacana atos wapat margi ditelasan atawa udur/teu damang. Nabi Muhammad ogѐ pasti wapat saperti rasul-rasul anu ti heula. Dina waktu Perang Uhud lumangsung, nyebar bѐja yѐn Nabi Muhammad wapat ditelasan. Ieu béja nyebakeun kaom muslimin tagiwur, nepi ka aya ti antara kaom muslimin anu boga maksud mѐnta panangtayungan ka Abu Sufyan (pamingpin kaom Qurés). Samentara ѐta, aya jalma munapѐk ngomong yѐn lamun Muhammad bener saurang nabi, tinangtu moal maot bisa ditelasan. Mangka, Allah nurunkeun ieu ayat pikeun nengtremkeun hatѐ kaom muslimin sarta ngabantah kana omongan-omongan jalma munapѐk tѐa (Saḥīḥ al-Bukhārī bab “Jihad”). Abu Bakar r.a. maca ieu ayat dina poѐan wapatna Nabi Muhammad pikeun nengtremkeun Umar Ibnul Khattab r.a. katut sahabat-sahabat sѐjѐnna anu teu percaya kana wapatna Nabi. (Saḥīḥ al-Bukhārī bab “Katakwaan Sahabat”).

وَمَا كَانَ لِنَفْسٍ اَنْ تَمُوْتَ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ كِتٰبًا مُّؤَجَّلًا ۗ وَمَنْ يُّرِدْ ثَوَابَ الدُّنْيَا نُؤْتِهٖ مِنْهَاۚ وَمَنْ يُّرِدْ ثَوَابَ الْاٰخِرَةِ نُؤْتِهٖ مِنْهَا ۗ وَسَنَجْزِى الشّٰكِرِيْنَ١٤٥
Wa mā kāna linafsin an tamūta illā bi'iżnillāhi kitābam mu'ajjalā(n), wa may yurid ṡawābad-dun-yā nu'tihī minhā, wa may yurid ṡawābal-ākhirati nu'tihī minhā, wa sanajzisy-syākirīn(a).
[145] Moal aya hiji jiwa ogé anu bakal maot anging kalayan widi Allah, minangka katangtuan anu geus ditetepkeun waktuna. Saha baé jalma anu miharep ganjaran di dunya, tangtu Kami méré ka manéhna sabagian tina éta ganjaran (dunya); Saha baé anu miharep ganjaran di ahѐrat, tangtu Kami ogé méré ka manéhna sabagian tina éta ganjaran (ahérat). Kami bakal méré wawales ka jalma-jalma anu sukuran.

وَكَاَيِّنْ مِّنْ نَّبِيٍّ قٰتَلَۙ مَعَهٗ رِبِّيُّوْنَ كَثِيْرٌۚ فَمَا وَهَنُوْا لِمَآ اَصَابَهُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَمَا ضَعُفُوْا وَمَا اسْتَكَانُوْا ۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الصّٰبِرِيْنَ١٤٦
Wa ka'ayyim min nabiyyin qātal(a), ma‘ahū ribbiyyūna kaṡīr(un), famā wahanū limā aṣābahum fī sabīlillāhi wa mā ḍa‘ufū wa mastakānū, wallāhu yuḥibbuṣ-ṣābirīn(a).
[146] Loba nabi anu perang dibarengan ku panganut-panganutna nu takwa. Aranjeunna henteu (jadi) héngkér pédah (aya musibah) anu tumiba ka aranjeunna dina jalan Allah, teu (jadi) kendor sumanget, jeung teu sudi nyerah (ka musuh). Allah téh Mikaresep ka jalma-jalma anu sabar.

وَمَا كَانَ قَوْلَهُمْ اِلَّآ اَنْ قَالُوْا رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَاِسْرَافَنَا فِيْٓ اَمْرِنَا وَثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكٰفِرِيْنَ١٤٧
Wa mā kāna qauluhum illā an qālū rabbanagfir lanā żunūbanā wa isrāfanā fī amrinā wa ṡabbit aqdāmanā wanṣurnā ‘alal-qaumil-kāfirīn(a).
[147] Ucapan aranjeunna (jalma-jalma nu sabar) téh ngan doa (ieu), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngahapunten kana dosa-dosa sareng (paripolah) abdi sadaya anu kaleuleuwihi dina urusan abdi sadaya. 153 Mugi Gusti mageuhkeun tekad abdi sadaya sareng maparin kaunggulan énggoning ngalawan jalma-jalma kapir.”
153) Maksudna: Ngaleuleuwihi hukum anu geus ditetepkeun ku Allah Swt.

فَاٰتٰىهُمُ اللّٰهُ ثَوَابَ الدُّنْيَا وَحُسْنَ ثَوَابِ الْاٰخِرَةِ ۗ وَاللّٰهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ ࣖ١٤٨
Fa ātāhumullāhu ṡawābad-dun-yā wa ḥusna ṡawābil-ākhirah(ti), wallāhu yuḥibbul-muḥsinīn(a).
[148] Ku sabab kitu, Allah maparin ka aranjeunna ganjaran di dunya 154 jeung ganjaran nu hadé di ahѐrat. Allah téh Mikaresep ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.
154) Ganjaran dunya bisa mangrupa kaunggulanh perang, meunang harta rampasan, dipuji-dipuji, sarta anu sѐjѐnna.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنْ تُطِيْعُوا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا يَرُدُّوْكُمْ عَلٰٓى اَعْقَابِكُمْ فَتَنْقَلِبُوْا خٰسِرِيْنَ١٤٩
Yā ayyuhal-lażīna āmanū in tuṭī‘ul-lażīna kafarū yaruddūkum ‘alā a‘qābikum fa tanqalibū khāsirīn(a).
[149] Hé jalma-jalma anu iman, lamun aranjeun taat ka jalma-jalma kapir, tangtu maranѐhna téh bakal ngabalikkeun deui aranjeun ka tukang (murtad), mangka mun kitu mah aranjeun bakal jadi jalma-jalma anu rugi.

بَلِ اللّٰهُ مَوْلٰىكُمْ ۚ وَهُوَ خَيْرُ النّٰصِرِيْنَ١٥٠
Balillāhu maulākum, wa huwa khairun-nāṣirīn(a).
[150] Maranéhna moal pisan bakal nangtayungan ka aranjeun), nanging nya Allah anu bakal nangtayungan ka aranjeun mah. Mantenna téh pangsaé-saéna anu nulungan.

سَنُلْقِيْ فِيْ قُلُوْبِ الَّذِيْنَ كَفَرُوا الرُّعْبَ بِمَٓا اَشْرَكُوْا بِاللّٰهِ مَا لَمْ يُنَزِّلْ بِهٖ سُلْطٰنًا ۚ وَمَأْوٰىهُمُ النَّارُ ۗ وَبِئْسَ مَثْوَى الظّٰلِمِيْنَ١٥١
Sanulqī fī qulūbil-lażīna kafarur-ru‘ba bimā asyrakū billāhi mā lam yunazzil bihī sulṭānā(n), wa ma'wāhumun nār(u), wa bi'sa maṡwaẓ-ẓālimīn(a).
[151] Kami bakal nibankeun kana jero hatѐ jalma-jalma kapir rasa kasieun, lantaran maranѐhna nyarѐkatkeun Allah ku sahiji perkara anu Allah (nyalira) henteu nurunkeun kateranganana. Nya tempat pangbalikan maranѐhna tѐh naraka. Éta téh tempat padumukan anu panggorѐng-gorѐngna (pikeun) jalma-jalma anu dolim.

وَلَقَدْ صَدَقَكُمُ اللّٰهُ وَعْدَهٗٓ اِذْ تَحُسُّوْنَهُمْ بِاِذْنِهٖ ۚ حَتّٰىٓ اِذَا فَشِلْتُمْ وَتَنَازَعْتُمْ فِى الْاَمْرِ وَعَصَيْتُمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَآ اَرٰىكُمْ مَّا تُحِبُّوْنَ ۗ مِنْكُمْ مَّنْ يُّرِيْدُ الدُّنْيَا وَمِنْكُمْ مَّنْ يُّرِيْدُ الْاٰخِرَةَ ۚ ثُمَّ صَرَفَكُمْ عَنْهُمْ لِيَبْتَلِيَكُمْ ۚ وَلَقَدْ عَفَا عَنْكُمْ ۗ وَاللّٰهُ ذُوْ فَضْلٍ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ١٥٢
Wa laqad ṣadaqakumullāhu wa‘dahū iż taḥussūnahum bi'iżnih(ī), ḥattā iżā fasyiltum wa tanāza‘tum fil-amri wa ‘aṣaitum mim ba‘di mā arākum mā tuḥibbūn(a), minkum may yurīdud-dun-yā wa minkum may yurīdul-ākhirah(ta), ṡumma ṣarafakum ‘anhum liyabtaliyakum, wa laqad ‘afā ‘ankum, wallāhu żū faḍlin ‘alal-mu'minīn(a).
[152] Allah bener-bener geus nyumponan jangji-Na ka aranjeun (waktu Perang Uhud), (nyaѐta) waktu aranjeun maéhan maranѐhna (kaom musrikin) kalayan widi-Na nepi ka dina waktu aranjeun teu boga kakuatan sarta parasѐa dina éta urusan 155 jeung teu malirѐ kana parѐntah (Rasul) sanggeusna Allah ningalikeun ka aranjeun naon nu dipikaresep ku aranjeun. 156 Ti antara aranjeun aya nu miharep dunya jeung aya (ogѐ) nu miharep ahѐrat. Ti dinya Allah ngabalieurkeun aranjeun ti maranѐhna pikeun nguji aranjeun. 157 Sabenerna Allah geus ngahampura ka aranjeun. Allah téh anu kagungan kurnia pikeun jalma-jalma anu iman.
155) Nyaѐta urusan ngajalankeun parѐntah Nabi Muhammad Saw. supaya pasukan panah tetep panceg di tempat anu geus ditunjukkeun, dina kaayaan kumaha ogѐ. 156) Yakni kaunggulan perang jeung harta rampasan. 157) Kaom muslimin henteu junun ngéléhkeun kaom musrikin.

۞ اِذْ تُصْعِدُوْنَ وَلَا تَلْوٗنَ عَلٰٓى اَحَدٍ وَّالرَّسُوْلُ يَدْعُوْكُمْ فِيْٓ اُخْرٰىكُمْ فَاَثَابَكُمْ غَمًّا ۢبِغَمٍّ لِّكَيْلَا تَحْزَنُوْا عَلٰى مَا فَاتَكُمْ وَلَا مَآ اَصَابَكُمْ ۗ وَاللّٰهُ خَبِيْرٌ ۢبِمَا تَعْمَلُوْنَ١٥٣
Iż tuṣ‘idūna wa lā talwūna ‘alā aḥadiw war-rasūlu yad‘ūkum fī ukhrākum fa aṡābakum gammam bigammil likailā taḥzanū ‘alā mā fātakum wa lā mā aṣābakum, wallāhu khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[153] (Sing inget) nalika aranjeun kabur (ninggalkeun peperangan) jeung henteu ngalieuk ka sasaha, sedengkeun rasul (Muhammad) mah (tetep di mѐdan peperangan bari) nyalukan ka aranjeun. Ku sabab kitu, Allah nibankeun ka aranjeun kasedih)ѐlѐh perang) jeung kasedih (hanjakal teu malirѐ kana parѐntah Rasul), 158 sangkan aranjeun henteu ngarasa sedih (deui) ku (alatan) naon nu geus sirna ti aranjeun jeung ku (musibah) anu geus karandapan ku aranjeun. Allah téh Mahauninga kana sakabéh naon nu dipilampah ku aranjeun.
158) Kasedih kaom muslimin jalaran henteu taat kana paréntah Rasul anu ngabalukarkeun éléh perang.

ثُمَّ اَنْزَلَ عَلَيْكُمْ مِّنْۢ بَعْدِ الْغَمِّ اَمَنَةً نُّعَاسًا يَّغْشٰى طَۤاىِٕفَةً مِّنْكُمْ ۙ وَطَۤاىِٕفَةٌ قَدْ اَهَمَّتْهُمْ اَنْفُسُهُمْ يَظُنُّوْنَ بِاللّٰهِ غَيْرَ الْحَقِّ ظَنَّ الْجَاهِلِيَّةِ ۗ يَقُوْلُوْنَ هَلْ لَّنَا مِنَ الْاَمْرِ مِنْ شَيْءٍ ۗ قُلْ اِنَّ الْاَمْرَ كُلَّهٗ لِلّٰهِ ۗ يُخْفُوْنَ فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ مَّا لَا يُبْدُوْنَ لَكَ ۗ يَقُوْلُوْنَ لَوْ كَانَ لَنَا مِنَ الْاَمْرِ شَيْءٌ مَّا قُتِلْنَا هٰهُنَا ۗ قُلْ لَّوْ كُنْتُمْ فِيْ بُيُوْتِكُمْ لَبَرَزَ الَّذِيْنَ كُتِبَ عَلَيْهِمُ الْقَتْلُ اِلٰى مَضَاجِعِهِمْ ۚ وَلِيَبْتَلِيَ اللّٰهُ مَا فِيْ صُدُوْرِكُمْ وَلِيُمَحِّصَ مَا فِيْ قُلُوْبِكُمْ ۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢبِذَاتِ الصُّدُوْرِ١٥٤
Ṡumma anzala ‘alaikum mim ba‘dil-gammi amanatan nu‘āsay yagsyā ṭā'ifatam minkum, wa ṭā'ifatun qad ahammathum anfusuhum yaẓunnūna billāhi gairal-ḥaqqi ẓanal-jāhiliyyah(ti), yaqūlūna hal lanā minal-amri min syai'(in), qul innal-amra kullahū lillāh(i), yukhfūna fī anfusihim mā lā yubdūna lak(a), yaqūlūna lau kāna lanā minal-amri syai'um mā qutilnā hāhunā, qul lau kuntum fī buyūtikum labarazal-lażīna kutiba ‘alaihimul-qatlu ilā maḍāji‘ihim, wa liyabtaliyallāhu mā fī ṣudūrikum wa liyumaḥḥiṣa mā fī qulūbikum, wallāhu ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[154] Sanggeus aranjeun meunang kasedih, Mantenna lajeng nurunkeun ka aranjeun rasa katengtreman (mangrupa) tunduh sakeudeung anu ngawengku ka sabagian ti antara aranjeun. 159 Ari sabagian deui 160 mah dihariwangkeun ku dirina sorangan. Maranѐhna nyangka anu teu bener ka Allah (saperti) sangkaan jahiliah. 161 Maranѐhna ngomong kieu, “Urang sadaya teu boga pilihan dina urusan ieu (alias dipaksa indit perang).” Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Sabenerna sakabéh urusan aya dina cepengan Allah.” Maranѐhna nyumputkeun dina jero hatѐna naon anu teu ditémbongkeun ka hidep. Maranѐhna ngomong kieu, “Lamun téa mah aya pilihan keur urang sadaya dina ieu urusan, tangtu urang (moal indit perang jeung) moal dipaéhan (diéléhkeun) di dieu.” Béjakeun ku hidep, “Saupama aranjeun aya di imah sorangan ogé, tangtu jalma-jalma anu geus ditetepkeun bakal maot ku ditelasan mah bakal kaluar (ogé) ngajugjug ka tempat maranѐhna bakal ditelasan.” Allah (midamel éta perkara téh) pikeun nguji naon nu aya dina dada aranjeun jeung pikeun ngabers(...)
159) Jalma-jalma Islam anu kuat kayakinana. 160) Jalma-jalma Islam anu mangmang kѐnѐh. 161) Nyaѐta sangkaan yѐn lamun Nabi Muhammad Saw. bener-bener saurang nabi tur rasul Allah, tangtu moal bisa diѐlѐhkeun dina peperangan.

اِنَّ الَّذِيْنَ تَوَلَّوْا مِنْكُمْ يَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعٰنِۙ اِنَّمَا اسْتَزَلَّهُمُ الشَّيْطٰنُ بِبَعْضِ مَا كَسَبُوْا ۚ وَلَقَدْ عَفَا اللّٰهُ عَنْهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ حَلِيْمٌ ࣖ١٥٥
Innal-lażīna tawallau minkum yaumal-taqal-jam‘ān(i), innamastazallahumusy-syaiṭānu biba‘ḍi mā kasabū, wa laqad ‘afallāhu ‘anhum, innallāha gafūrun ḥalīm(un).
[155] Sabenerna jalma-jalma ti antara aranjeun anu ngabalieur (embung indit perang) waktu patepungna dua pasukan 162 geus dipolésétkeun ku sétan ku lantaran sabagian kasalahan nu geus dipilampah ku maranѐhna (saméméhna). (Tapi,) Allah bener-bener geus ngahampura ka maranѐhna. Sayaktosna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahasantun.
162) Nyaѐta pasukan kaom muslimin jeung pasukan kaom musrikin dina Perang Uhud.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَكُوْنُوْا كَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَقَالُوْا لِاِخْوَانِهِمْ اِذَا ضَرَبُوْا فِى الْاَرْضِ اَوْ كَانُوْا غُزًّى لَّوْ كَانُوْا عِنْدَنَا مَا مَاتُوْا وَمَا قُتِلُوْاۚ لِيَجْعَلَ اللّٰهُ ذٰلِكَ حَسْرَةً فِيْ قُلُوْبِهِمْ ۗ وَاللّٰهُ يُحْيٖ وَيُمِيْتُ ۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ١٥٦
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā takūnū kal-lażīna kafarū wa qālū li'ikhwānihim iżā ḍarabū fil-arḍi au kānū guzzal lau kānū ‘indanā mā mātū wa mā qutilū, liyaj‘alallāhu żālika ḥasratan fī qulūbihim, wallāhu yuḥyī wa yumīt(u), wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[156] Hѐ jalma-jalma anu iman, omat ulah saperti jalma kapir (jalma munapѐk anu teu indit perang) anu ngomong kieu ka batur-baturna waktu lumampah di bumi (terus maot) atawa keur aya dina peperangan (terus gugur), “Lamun maranѐhna tetep babarengan jeung urang (di dieu) mah, tangtu moal nepi ka gugur jeung moal ditelasan.” (Akibat omongan) kitu tѐh Allah nibankeun rasa kaduhung anu kacida dina hatѐ maranѐhna. Apan Allah tѐh anu ngahirupkeun jeung anu ngamaotkeun. Allah téh Maha Ningali kana sagala paripolah maranѐhna.

وَلَىِٕنْ قُتِلْتُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَوْ مُتُّمْ لَمَغْفِرَةٌ مِّنَ اللّٰهِ وَرَحْمَةٌ خَيْرٌ مِّمَّا يَجْمَعُوْنَ١٥٧
Wa la'in qutiltum fī sabīlillāhi au muttum lamagfiratum minallāhi wa raḥmatun khairum mimmā yajma‘ūn(a).
[157] Upama aranjeun bener-bener gugur dina jalan Allah atawa maot, 163 pasti pangampura jeung rahmat Allah tѐh leuwih alus (pikeun aranjeun) tibatan harta rampasan anu dikumpulkeun ku maranѐhna.
163) Maot dina jalan Allah lain karana perang.

وَلَىِٕنْ مُّتُّمْ اَوْ قُتِلْتُمْ لَاِلَى اللّٰهِ تُحْشَرُوْنَ١٥٨
Wa la'im muttum au qutiltum la'ilallāhi tuḥsyarūn(a).
[158] Upama aranjeun bener-bener maot atawa gugur, pasti ngan wungkul ka Allah aranjeun bakal dikumpulkeun.

فَبِمَا رَحْمَةٍ مِّنَ اللّٰهِ لِنْتَ لَهُمْ ۚ وَلَوْ كُنْتَ فَظًّا غَلِيْظَ الْقَلْبِ لَانْفَضُّوْا مِنْ حَوْلِكَ ۖ فَاعْفُ عَنْهُمْ وَاسْتَغْفِرْ لَهُمْ وَشَاوِرْهُمْ فِى الْاَمْرِۚ فَاِذَا عَزَمْتَ فَتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُتَوَكِّلِيْنَ١٥٩
Fabimā raḥmatim minallāhi linta lahum, wa lau kunta faẓẓan galīẓal-qalbi lanfaḍḍū min ḥaulik(a), fa‘fu ‘anhum wastagfir lahum wa syāwirhum fil-amr(i), fa iżā ‘azamta fa tawakkal ‘alallāh(i), innallāha yuḥibbul-mutawakkilīn(a).
[159] Nya ku berkah rahmat ti Allah, hidep (Muhammad) leuleuy ka maranѐhna. Saupama hidep kasar jeung heuras hatѐ, tangtu maranѐhna téh ngajauhan ti sakurilingeun hidep. Ku kituna, hampura baѐ maranѐhna téh, pék pangmѐntakeun pangampura pikeun maranѐhna, sarta prak geura musawarah jeung maranѐhna dina ѐta urusan (penting). 164 Tuluy di mana hidep geus ngabuleudkeun tѐkad, prak geura tawekal ka Allah. Saleresna Allah téh Mikacinta ka jalma-jalma anu tawekal (ka Mantenna).
164) Urusan peperangan sarta urusan-urusan dunya lianna saperti urusan pulitik, ekonomi, kamasarakatan, jeung lian-lianna.

اِنْ يَّنْصُرْكُمُ اللّٰهُ فَلَا غَالِبَ لَكُمْ ۚ وَاِنْ يَّخْذُلْكُمْ فَمَنْ ذَا الَّذِيْ يَنْصُرُكُمْ مِّنْۢ بَعْدِهٖ ۗ وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ١٦٠
Iy yanṣurkumullāhu falā gāliba lakum, wa iy yakhżulkum faman żal-lażī yanṣurukum mim ba‘dih(ī), wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[160] Lamun Allah nulungan ka aranjeun, tangtu moal aya nu bisa ngéléhkeun aranjeun, tapi lamun Mantenna ngantep (teu nulungan) ka aranjeun, atuh saha deui nu bisa nulungan aranjeun sanggeusna kitu? Ku sabab kitu, prak mung ka Allah wungkul jalma-jalma nu iman tawekal téh.

وَمَا كَانَ لِنَبِيٍّ اَنْ يَّغُلَّ ۗوَمَنْ يَّغْلُلْ يَأْتِ بِمَا غَلَّ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۚ ثُمَّ تُوَفّٰى كُلُّ نَفْسٍ مَّا كَسَبَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ١٦١
Wa mā kāna linabiyyin ay yagull(a), wa may yaglul ya'ti bimā galla yaumal-qiyāmah(ti), ṡumma tuwaffā kullu nafsim mā kasabat wa hum lā yuẓlamūn(a).
[161] Moal mungkin hiji nabi hianat. Saha baѐ anu hianat, tangtu engkѐ dina Poѐ Kiamat manéhna bakal datang mawa sakabéh hasil hianatna. Tuluy saban jiwa bakal dibѐrѐ wawales anu sampurna saluyu jeung naon nu geus diupayakeunana sarta moal didoliman (saeutik ogѐ).

اَفَمَنِ اتَّبَعَ رِضْوَانَ اللّٰهِ كَمَنْۢ بَاۤءَ بِسَخَطٍ مِّنَ اللّٰهِ وَمَأْوٰىهُ جَهَنَّمُ ۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ١٦٢
Afamanittaba‘a riḍwānallāhi kamam bā'a bisakhaṭim minallāhi wa ma'wāhu jahannam(u), wa bi'sal-maṣīr(u),
[162] Naha ari jalma anu tumut (kalayan bener-bener) kana karidoan Allah téh sarua jeung jalma anu balik mawa bebendon ti Allah jeung tempat pangbalikanana naraka Jahanam? Éta (Jahanam) téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan

هُمْ دَرَجٰتٌ عِنْدَ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌ ۢبِمَا يَعْمَلُوْنَ١٦٣
Hum darajātun ‘indallāh(i), wallāhu baṣīrum bimā ya‘malūn(a).
[163] (Kalungguhan) aranjeunna téh mangtingkat-tingkat di mungguhing Allah. Allah téh Nu Maha Ningali kana sagala nu dipilampah ku aranjeunna.

لَقَدْ مَنَّ اللّٰهُ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ اِذْ بَعَثَ فِيْهِمْ رَسُوْلًا مِّنْ اَنْفُسِهِمْ يَتْلُوْا عَلَيْهِمْ اٰيٰتِهٖ وَيُزَكِّيْهِمْ وَيُعَلِّمُهُمُ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَۚ وَاِنْ كَانُوْا مِنْ قَبْلُ لَفِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ١٦٤
Laqad mannallāhu ‘alal-mu'minīna iż ba‘aṡa fīhim rasūlam min anfusihim yatlū ‘alaihim āyātihī wa yuzakkīhim wa yu‘allimuhumul-kitāba wal-ḥikmah(ta), wa in kānū min qablu lafī ḍalālim mubīn(in).
[164] Allah bener-bener geus maparin kurnia ka jalma-jalma anu iman waktu Mantenna ngutus di tengah-tengah aranjeunna saurang rasul (Muhammad) ti golongan aranjeunna sorangan, anu terus-terusan mangmacakeun ka aranjeunna ayat-ayat Mantenna, nyucikeun (jiwa) aranjeunna, jeung ngawulangkeun Kitab (Al-Qur’an) sarta Hikmah (Sunnah) ka aranjeunna. Saméméhna (éta rasul diutus), aranjeunna téh bener-bener aya dina kasasaran anu nyata.

اَوَلَمَّآ اَصَابَتْكُمْ مُّصِيْبَةٌ قَدْ اَصَبْتُمْ مِّثْلَيْهَاۙ قُلْتُمْ اَنّٰى هٰذَا ۗ قُلْ هُوَ مِنْ عِنْدِ اَنْفُسِكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٦٥
Awa lammā aṣābatkum muṣībatun qad aṣabtum miṡlaihā, qultum annā hāżā, qul huwa min ‘indi anfusikum, innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[165] Naha waktu ditibanan musibah (éléh dina Perang Uhud) aranjeun bet nyarita kieu, “Naha ti mana datangna ieu (kaéléhan) téh?” Apan aranjeun ogé kungsi nibankeun musibah (kaéléhan) dua kali lipet (ka musuh-musuh aranjeun dina Perang Badar)? Jawab ku hidep (Muhammad), “Éta téh ku (sabab kasalahan) diri aranjeun sorangan.” Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَمَآ اَصَابَكُمْ يَوْمَ الْتَقَى الْجَمْعٰنِ فَبِاِذْنِ اللّٰهِ وَلِيَعْلَمَ الْمُؤْمِنِيْنَۙ١٦٦
Wa mā aṣābakum yaumal-taqal-jam‘āni fa bi'iżnillāhi wa liya‘lamal-mu'minīn(a).
[166] Naon nu tumiba ka aranjeun dina poéan patepungna (peperangan) dua pasukan, éta téh kalayan widi Allah, jeung sangkan Mantenna nguji saha jalma (anu bener-bener) iman.

وَلِيَعْلَمَ الَّذِيْنَ نَافَقُوْا ۖوَقِيْلَ لَهُمْ تَعَالَوْا قَاتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَوِ ادْفَعُوْا ۗ قَالُوْا لَوْ نَعْلَمُ قِتَالًا لَّاتَّبَعْنٰكُمْ ۗ هُمْ لِلْكُفْرِ يَوْمَىِٕذٍ اَقْرَبُ مِنْهُمْ لِلْاِيْمَانِ ۚ يَقُوْلُوْنَ بِاَفْوَاهِهِمْ مَّا لَيْسَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ ۗ وَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا يَكْتُمُوْنَۚ١٦٧
Wa liya‘lamal-lażīna nāfaqū, wa qīla lahum ta‘ālau qātilū fī sabīlillāhi awidfa‘ū, qālū lau na‘lamu qitālal lattaba‘nākum, hum lil-kufri yauma'iżin aqrabu minhum lil-īmān(i), yaqūlūna bi'afwāhihim mā laisa fī qulūbihim, walllāhu a‘lamu bimā yaktumūn(a).
[167] Sareng supados (Mantenna) uninga saha jalma-jalma anu munapék. (Nyaéta jalma-jalma anu waktu) dicaritakeun ka maranéhna, “Hayu urang perang di jalan Allah atawa hayu urang ngajaga diri (tina serangan musuh),” maranéhna ngajawab, “Lamun kuring saréréa terang (kumaha carana) perang mah, tangtu ngiring ka aranjeun.” 165 Maranéhna dina poé éta téh leuwih deukeut kana kakapiran tibatan kana kaimanan. Maranéhna ngucapkeun ku sungutna (sorangan) nu teu saluyu jeung eusi hatѐna. Allah téh langkung uninga kana naon anu disumputkeun ku maranéhna.
165) Ieu ucapan ditujukeun ka Nabi tur sahabat-sahabatna minangka poyokan, sabab maranéhna nganggap Nabi henteu terang strategi perang margi ngalaksanakeun perang sabot jumlah kaom muslimin saeutik. Ieu omongan dipaké ogé ku jalma-jalma munapék pikeun nolak cawadan anu ditujukeun ka maranéhna.

اَلَّذِيْنَ قَالُوْا لِاِخْوَانِهِمْ وَقَعَدُوْا لَوْ اَطَاعُوْنَا مَا قُتِلُوْا ۗ قُلْ فَادْرَءُوْا عَنْ اَنْفُسِكُمُ الْمَوْتَ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٦٨
Al-lażīna qālū li'ikhwānihim wa qa‘adū lau aṭā‘ūnā mā qutilū, qul fadra'ū ‘an anfusikumul-mauta in kuntum ṣādiqīn(a).
[168] (Maranéhna téh nyaéta) jalma-jalma anu ngomong ka dulur-dulurna bari maranéhna henteu milu perang, “Lamun seug maranéhna miluan jiga urang mah, tangtu moal ditelasan (ku musuh).” Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Cik pék cegah maot téh ti diri aranjeun lamun aranjeun bener mah!”

وَلَا تَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ قُتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَمْوَاتًا ۗ بَلْ اَحْيَاۤءٌ عِنْدَ رَبِّهِمْ يُرْزَقُوْنَۙ١٦٩
Wa lā taḥsabannal-lażīna qutilū fī sabīlillāhi amwātā(n), bal aḥyā'un 'inda rabbihim yurzaqūn(a).
[169] Omat hidep ulah sakali-kali nyangka yén jalma-jalma nu gugur dina jalan Allah téh maot, sabenerna aranjeunna téh jumeneng di mungguhing Pangéranana bari dipaparinan rejeki. 166
166) Hirup di alam anu séjén lain alam urang ieu. Aranjeunna meunang sagala rupa ni’mat di mungguhing Allah. Mung Allah nyalira anu uninga kumaha kaayaan hirup di alam anu séjén téh.

فَرِحِيْنَ بِمَآ اٰتٰىهُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖۙ وَيَسْتَبْشِرُوْنَ بِالَّذِيْنَ لَمْ يَلْحَقُوْا بِهِمْ مِّنْ خَلْفِهِمْ ۙ اَلَّا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَۘ١٧٠
Fariḥīna bimā ātāhumullāhu min faḍlih(ī), wa yastabsyirūna bil-lażīna lam yalḥaqū bihim min khalfihim, allā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[170] Aranjeunna bingah ku kurnia nu dipaparinkeun ku Allah. Aranjeunna ogé ngarasa gumbira ku jalma-jalma nu di sapandeurieunana (di dunya kénéh) anu can nyusul (ka ahérat), 167 (sabab éta jalma téh) teu (boga rasa) sieun jeung teu nandangan kasedih.
167) Batur-baturna anu hirup kénéh sarta terus-terusan jihad dina jalan Allah.

۞ يَسْتَبْشِرُوْنَ بِنِعْمَةٍ مِّنَ اللّٰهِ وَفَضْلٍۗ وَاَنَّ اللّٰهَ لَا يُضِيْعُ اَجْرَ الْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ١٧١
Yastabsyirūna bini‘matim minallāhi wa faḍl(in), wa annallāha lā yuḍī‘u ajral-mu'minīn(a).
[171] Aranjeunna gumbira deui ku niʻmat sareng kurnia ti Allah jeung yén sayaktosna Allah moal pisan ngaleuleungit ganjaran jalma-jalma nu iman.

اَلَّذِيْنَ اسْتَجَابُوْا لِلّٰهِ وَالرَّسُوْلِ مِنْۢ بَعْدِ مَآ اَصَابَهُمُ الْقَرْحُ ۖ لِلَّذِيْنَ اَحْسَنُوْا مِنْهُمْ وَاتَّقَوْا اَجْرٌ عَظِيْمٌۚ١٧٢
Al-lażīnastajābū lillāhi war-rasūli mim ba‘di mā aṣābahumul-qarḥ(u), lil-lażīna aḥsanū minhum wattaqau ajrun ‘aẓīm(un).
[172] (Nyaéta) jalma-jalma anu taʻat kana (paréntah) Allah jeung Rasul sabada maranéhna meunang tatu (dina Perang Uhud). Nya ganjaran nu kalintang ageungna pikeun jalma-jalma ti antara aranjeunna nu migawé kahadéan tur takwa.

اَلَّذِيْنَ قَالَ لَهُمُ النَّاسُ اِنَّ النَّاسَ قَدْ جَمَعُوْا لَكُمْ فَاخْشَوْهُمْ فَزَادَهُمْ اِيْمَانًاۖ وَّقَالُوْا حَسْبُنَا اللّٰهُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ١٧٣
Al-lażīna qāla lahumun-nāsu innan-nāsa qad jama‘ū lakum fakhsyauhum fa zādahum īmānā(n), wa qālū ḥasbunallāhu wa ni‘mal-wakīl(u).
[173] (Nyaéta) jalma-jalma anu waktu dicaritakeun ka aranjeunna, “Jalma-jalma (Qurés) geus ngumpulkeun balad-baladna pikeun nyerang ka aranjeun. Ku sabab kitu, kudu sieun ku maranéhna!”mangka éta (caritaan) téh kalah ka nambahan (kuat) imanna jeung malah aranjeunna nékadkeun kieu, “Cukup baé Allah (nu nulungan) ka kuring saréréa mah. Apan Mantenna pangsaé-saéna nu nangtayungan.”

فَانْقَلَبُوْا بِنِعْمَةٍ مِّنَ اللّٰهِ وَفَضْلٍ لَّمْ يَمْسَسْهُمْ سُوْۤءٌۙ وَّاتَّبَعُوْا رِضْوَانَ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ ذُوْ فَضْلٍ عَظِيْمٍ١٧٤
Fanqalabū bi ni‘matim minallāhi wa faḍlil lam yamsashum sū'(un), wattaba‘ū riḍwānallāh(i), wallahu żū faḍlin ‘aẓīm(in).
[174] Aranjeunna mulang (ti Perang Badar) bari mawa niʻmat jeung kurnia (nu ageung) ti Allah. Aranjeunna henteu ditibanan kamusibahan (dina éta perang) jeung (teras-terasan) tumut kana karidoan Allah. Allah téh nu kagungan kurnia nu kalintang ageungna.

اِنَّمَا ذٰلِكُمُ الشَّيْطٰنُ يُخَوِّفُ اَوْلِيَاۤءَهٗۖ فَلَا تَخَافُوْهُمْ وَخَافُوْنِ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٧٥
Innamā żālikumusy-syaiṭānu yukhawwifu auliyā'ah(ū), falā takhāfūhum wa khāfūni in kuntum mu'minīn(a).
[175] Sabenerna maranéhna (nu ngomong yén jalma-jalma Qurés geus ngumpulkeun balad-baladna) téh ngan wungkul sétan anu nyingsieunan (ka aranjeun) ku sobat-sobat dalitna (kaom musrikin Qurés). Ku kituna, omat ulah sieun ku maranéhna, tapi sieun mah ngan ku Kami baé lamun bener-bener aranjeun mu’min mah.

وَلَا يَحْزُنْكَ الَّذِيْنَ يُسَارِعُوْنَ فِى الْكُفْرِۚ اِنَّهُمْ لَنْ يَّضُرُّوا اللّٰهَ شَيْـًٔا ۗ يُرِيْدُ اللّٰهُ اَلَّا يَجْعَلَ لَهُمْ حَظًّا فِى الْاٰخِرَةِ وَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌۚ١٧٦
Wa lā yaḥzunkal-lażīna yusāri‘ūna fil-kufr(i), innahum lay yaḍurrullāha syai'ā(n), yurīdullāhu allā yaj‘ala lahum ḥaẓẓan fil-ākhirati wa lahum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[176] Omat hidep (Muhammad) ulah rék sedih ku (kanyataan ayana) jalma-jalma anu gagancangan jadi kapir deui. 168 Sabenerna maranéhna téh moal ngamadaratkeun saeutik ogé ka Allah. Allah moal rék maparin bagian (ganjaran) ka maranéhna dina poé ahérat. Keur maranéhna malah bakal disadiakeun siksaan anu pohara gedéna.
168) Jalma-jalma kapir Mekah atawa jalma-jalma munapѐk anu sok ngaganggu agama Islam.

اِنَّ الَّذِيْنَ اشْتَرَوُا الْكُفْرَ بِالْاِيْمَانِ لَنْ يَّضُرُّوا اللّٰهَ شَيْـًٔاۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٧٧
Innal-lażīnasytarawul-kufra bil-īmāni lay yaḍurrullāha syai'ā(n), wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[177] Sabenerna jalma-jalma anu meuli kakupuran ku kaimanan moal pisan ngarugikeun ka Allah saeutik ogé. Pikeun maranéhna bakal disadiakeun siksaan anu kacida nyerina.

وَلَا يَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنَّمَا نُمْلِيْ لَهُمْ خَيْرٌ لِّاَنْفُسِهِمْ ۗ اِنَّمَا نُمْلِيْ لَهُمْ لِيَزْدَادُوْٓا اِثْمًا ۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ١٧٨
Wa lā yaḥsabannal-lażīna kafarū annamā numlī lahum khairul li'anfusihim, innamā numlī lahum liyazdādū iṡmā(n), wa lahum ‘ażābum muhīn(un).
[178] Jalma-jalma kapir ulah pisan nyangka yén témpo nu dibikeun ku Kami ka maranéhna 169 téh leuwih hadé pikeun dirina. Sabenerna témpo nu dibikeun ku Kami ka maranéhna téh ngan wungkul supaya dosa-dosana nambahan. Nya pikeun maranéhna siksaan anu kacida ngahinakeunana.
169) Ku manjangkeun umur maranѐhana sarta ngantep migawѐ kasalahan sesuka hatѐna.

مَا كَانَ اللّٰهُ لِيَذَرَ الْمُؤْمِنِيْنَ عَلٰى مَآ اَنْتُمْ عَلَيْهِ حَتّٰى يَمِيْزَ الْخَبِيْثَ مِنَ الطَّيِّبِ ۗ وَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُطْلِعَكُمْ عَلَى الْغَيْبِ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ يَجْتَبِيْ مِنْ رُّسُلِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ ۖ فَاٰمِنُوْا بِاللّٰهِ وَرُسُلِهٖ ۚ وَاِنْ تُؤْمِنُوْا وَتَتَّقُوْا فَلَكُمْ اَجْرٌ عَظِيْمٌ١٧٩
Mā kānallāhu liyażaral-mu'minīna ‘alā mā antum ‘alaihi ḥattā yamīzal-khabīṡa minaṭ-ṭayyib(i), wa mā kānallāhu liyuṭli‘akum ‘alal-gaibi wa lākinnallāha yajtabī mir rusulihī may yasyā'(u), fa āminū billāhi wa rusulih(ī), wa in tu'minū wa tattaqū fa lakum ajrun ‘aẓīm(un).
[179] Allah moal rék ngantep ka jalma-jalma anu iman dina kaayaan sakumaha kaayaan aranjeun ayeuna, 170 nepi ka Mantenna ngabéntenkeun anu goréng (munapék) ti nu hadé (bener-bener iman). Allah moal pisan némbongkeun perkara anu gaib ka aranjeun, nanging Allah milih (bakal némbongkeun ka) saha baé ti antara rasul-rasul-Na anu dikersakeun ku Mantenna. 171 Upama aranjeun iman jeung takwa, tangtu bakal meunang ganjaran anu kacida gedéna.
170) Kaayaan kaom muslimin nyampur jeung kaom munapikin. 171) Ti antara rasul-rasul, Nabi Muhammad Saw. dipilih ku Allah kalayan masihkeun kaistimѐwaan mangrupa kauninga maca eusi hatѐ jalma. Ku sabab kitu, anjeunna uninga saha ti antara sahabat-sahabatna anu bener-bener iman tur saha deui anu munapѐk atawa kapir.

وَلَا يَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ يَبْخَلُوْنَ بِمَآ اٰتٰىهُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖ هُوَ خَيْرًا لَّهُمْ ۗ بَلْ هُوَ شَرٌّ لَّهُمْ ۗ سَيُطَوَّقُوْنَ مَا بَخِلُوْا بِهٖ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ وَلِلّٰهِ مِيْرَاثُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ ࣖ١٨٠
Wa lā yaḥsabannal-lażīna yabkhalūna bimā ātāhumullāhu min faḍlihī huwa khairal lahum, bal huwa syarrul lahum, sayuṭawwaqūna mā bakhilū bihī yaumal-qiyāmah(ti), wa lillāhi mīrāṡus-samāwāti wal-arḍ(i), wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[180] Jalma-jalma nu korét kana kurnia anu geus dipaparinkeun ku Allah ka maranéhna ulah sakali-kali boga sangkaan yén korétna téh leuwih hadé pikeun maranéhna, padahal korétna téh goréng pisan keur maranéhna. Harta nu dikorétkeun ku maranéhna téh bakal dikalungkeun (kana beuheungna) dina Poé Kiamat. Kagungan Allah warisan (anu aya) di langit jeung di bumi. Allah téh Mahataliti kana sagala anu dipilampah ku maranéhna.

لَقَدْ سَمِعَ اللّٰهُ قَوْلَ الَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ فَقِيْرٌ وَّنَحْنُ اَغْنِيَاۤءُ ۘ سَنَكْتُبُ مَا قَالُوْا وَقَتْلَهُمُ الْاَنْۢبِيَاۤءَ بِغَيْرِ حَقٍّۙ وَّنَقُوْلُ ذُوْقُوْا عَذَابَ الْحَرِيْقِ١٨١
Laqad sami‘allāhu qaulal-lażīna qālū innallāha faqīruw wa naḥnu agniyā'(u), sanaktubu mā qālū wa qatlahumul-ambiyā'a bigairi ḥaqq(in), wa naqūlu żūqū ‘ażābal-ḥarīq(i).
[181] Allah bener-bener geus ngadangu kana omongan jalma-jalma (Yahudi) anu nyarita, “Sabenerna Allah mah miskin, sedengkeun urang kabéh mah beunghar.” Kami bakal nyatet éta caritaanana jeung kalakuanana nelasan para nabi tanpa alesan anu bener. Kami bakal nyarita (ka maranéhna), “Pék rasakeun ku maranéh siksa naraka!”

ذٰلِكَ بِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْكُمْ وَاَنَّ اللّٰهَ لَيْسَ بِظَلَّامٍ لِّلْعَبِيْدِۚ١٨٢
Żālika bimā qaddamat aidīkum wa annallāha laisa biẓallāmil lil-‘abīd(i).
[182] Éta téh ku sabab lalampahan maranéh sorangan. Sabenerna Allah mah henteu pisan dolim ka hamba-hamba-Na.

اَلَّذِيْنَ قَالُوْٓا اِنَّ اللّٰهَ عَهِدَ اِلَيْنَآ اَلَّا نُؤْمِنَ لِرَسُوْلٍ حَتّٰى يَأْتِيَنَا بِقُرْبَانٍ تَأْكُلُهُ النَّارُ ۗ قُلْ قَدْ جَاۤءَكُمْ رُسُلٌ مِّنْ قَبْلِيْ بِالْبَيِّنٰتِ وَبِالَّذِيْ قُلْتُمْ فَلِمَ قَتَلْتُمُوْهُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٨٣
Al-lażīna qālū innallāha ‘ahida ilainā allā nu'mina lirasūlin ḥattā ya'tiyanā biqurbānin ta'kuluhun-nār(u), qul qad jā'akum rusulum min qablī bil-bayyināti wa bil-lażī qultum falima qataltumūhum in kuntum ṣādiqīn(a).
[183] (Nyaéta jalma-jalma Yahudi) anu ngomong kieu, “Sabenerna Allah geus maréntahkeun ka kuring saréréa supaya ulah iman ka saurang rasul saméméh ngadatangkeun heula ka kuring saréréa hiji korban anu dihakan ku seuneu.” Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Bener-bener geus datang ka aranjeun para rasul saméméh kuring ogé (kalayan) nyandak bukti-bukti anu jéntré jeung nyandak anu disebut-sebut ku aranjeun (hiji korban anu dihakan ku seuneu). Tapi, ku naon atuh aranjeun bet nelasan aranjeunna lamun enya mah aranjeun jalma-jalma anu bener?”

فَاِنْ كَذَّبُوْكَ فَقَدْ كُذِّبَ رُسُلٌ مِّنْ قَبْلِكَ جَاۤءُوْ بِالْبَيِّنٰتِ وَالزُّبُرِ وَالْكِتٰبِ الْمُنِيْرِ١٨٤
Fa in każżabūka faqad kużżiba rusulum min qablika jā'ū bil-bayyināti waz-zuburi wal-kitābil-munīr(i).
[184] Lamun maranѐhna ngabohongkeun ka hidep (Muhammad), (sing terang) yén sabenerna rasul-rasul anu saméméh hidep ogé sarua baé geus dibohongkeun. Aranjeunna nyandak mujijat-mujijat anu jelas, Jabur, 172 jeung Kitab anu méré katerangan anu sampurna. 173
172) Jabur nyaѐta lambaran-lambaran anu eusina wahyu anu dibikeun ka nabi-nabi sateuacan Nabi Muhammad Saw. anu eusina ngandung hikmah-hikmah. 173) Kitab-kitab anu diturunkeun ka nabi-nabi anu eusina hukum sarѐ’at saperti Torét, Injil, sarta Jabur.

كُلُّ نَفْسٍ ذَاۤىِٕقَةُ الْمَوْتِۗ وَاِنَّمَا تُوَفَّوْنَ اُجُوْرَكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ فَمَنْ زُحْزِحَ عَنِ النَّارِ وَاُدْخِلَ الْجَنَّةَ فَقَدْ فَازَ ۗ وَمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَآ اِلَّا مَتَاعُ الْغُرُوْرِ١٨٥
Kullu nafsin żā'iqatul-maut(i), wa innamā tuwaffauna ujūrakum yaumal-qiyāmah(ti), faman zuḥziḥa ‘anin-nāri wa udkhilal-jannata faqad fāz(a), wa mal-ḥayātud-dun-yā illā matā‘ul-gurūr(i).
[185] Sakur anu nyawaan bakal ngarasakeun maot. Sabenerna dina Poѐ Kiamat wungkul wawales aranjeun bakal disampurnakeun. Saha baé anu dijauhkeun tina naraka jeung diasupkeun ka sawarga, anjeunna bener-bener geus untung. Kahirupan dunya mah ngan saukur kasenangan anu nipu.

۞ لَتُبْلَوُنَّ فِيْٓ اَمْوَالِكُمْ وَاَنْفُسِكُمْۗ وَلَتَسْمَعُنَّ مِنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِكُمْ وَمِنَ الَّذِيْنَ اَشْرَكُوْٓا اَذًى كَثِيْرًا ۗ وَاِنْ تَصْبِرُوْا وَتَتَّقُوْا فَاِنَّ ذٰلِكَ مِنْ عَزْمِ الْاُمُوْرِ١٨٦
Latublawunna fī amwālikum wa anfusikum, wa latasma‘unna minal-lażīna ūtul-kitāba min qablikum wa minal-lażīna asyrakū ażan kaṡīrā(n), wa in taṣbirū wa tattaqū fa inna żālika min ‘azmil-umūr(i).
[186] Aranjeun bener-bener bakal diuji ku harta-banda jeung ku diri-diri aranjeun. Aranjeun ogé pasti bakal bener-bener ngadéngé lobal hal anu matak nganyerikeun hatѐ ti jalma-jalma anu dipaparinan Kitab saméméh aranjeun jeung ti jalma-jalma musrik. Lamun aranjeun sabar jeung takwa mah, sabenerna éta téh kaasup perkara anu (kudu) diutamakeun.

وَاِذْ اَخَذَ اللّٰهُ مِيْثَاقَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ لَتُبَيِّنُنَّهٗ لِلنَّاسِ وَلَا تَكْتُمُوْنَهٗۖ فَنَبَذُوْهُ وَرَاۤءَ ظُهُوْرِهِمْ وَاشْتَرَوْا بِهٖ ثَمَنًا قَلِيْلًا ۗ فَبِئْسَ مَا يَشْتَرُوْنَ١٨٧
Wa iż akhażallāhu mīṡāqal-lażīna ūtul-kitāba latubayyinunnahū lin-nāsi wa lā taktumūnah(ū), fa nabażūhu warā'a ẓuhūrihim wasytarau bihī ṡamanan qalīlā(n), fa bi'sa mā yasytarūn(a).
[187] (Sing inget) nalika Allah meungkeut perjangjian jeung jalma-jalma anu dipaparinan Kitab (nyaéta), “Omat maranéh kudu bener-bener nerangkeun éta (eusi Kitab) ka papada manusa jeung ulah nyumputkeun.” 174 Tuluy maranѐhna ngabalangkeun éta (perjangjian) ka satukangeun tonggongna jeung ngajual éta jangji ku pangaji anu saeutik. Kacida goréngna jual-beuli maranѐhna téh.
174) Ti antara katerangan anu disumputkeun téh nyaéta ngeunaan kasumpingan Nabi Muhammad Saw.

لَا تَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ يَفْرَحُوْنَ بِمَآ اَتَوْا وَّيُحِبُّوْنَ اَنْ يُّحْمَدُوْا بِمَا لَمْ يَفْعَلُوْا فَلَا تَحْسَبَنَّهُمْ بِمَفَازَةٍ مِّنَ الْعَذَابِۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٨٨
Lā taḥsabannal-lażīna yafraḥūna bimā atau wa yuḥibbūna ay yuḥmadū bimā lam yaf‘alū falā taḥsabannahum bimafāzatim minal-‘ażāb(i), wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[188] Omat (saha baé) aranjeun ulah sakali-kali nyangka yѐn jalma-jalma anu bungah ku perkara (kagoréngan) anu geus dipigawé ku maranѐhna jeung resep dipuji ku pagawéan-pagawéan anu can dipalimpah ku maranѐhna, (sakali deui) omat aranjeun ulah nyangka yѐn maranѐhna bakal leupas tina siksa. Maranѐhna bakal meunang siksaan anu kacida nyerina.

وَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ࣖ١٨٩
Wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[189] Kagungan Allah karajaan langit jeung bumi. Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

اِنَّ فِيْ خَلْقِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَاخْتِلَافِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَاٰيٰتٍ لِّاُولِى الْاَلْبَابِۙ١٩٠
Inna fī khalqis-samāwāti wal-arḍi wakhtilāfil-laili wan-nahāri la'āyātil li'ulil-albāb(i).
[190] Sabenerna dina diciptakeunana langit jeung bumi sarta gunta-gantina peuting jeung beurang, tétéla aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu boga akal séhat.

الَّذِيْنَ يَذْكُرُوْنَ اللّٰهَ قِيَامًا وَّقُعُوْدًا وَّعَلٰى جُنُوْبِهِمْ وَيَتَفَكَّرُوْنَ فِيْ خَلْقِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ رَبَّنَا مَا خَلَقْتَ هٰذَا بَاطِلًاۚ سُبْحٰنَكَ فَقِنَا عَذَابَ النَّارِ١٩١
Al-lażīna yażkurūnallāha qiyāmaw wa qu‘ūdaw wa ‘alā junūbihim wa yatafakkarūna fi khalqis-samāwāti wal-arḍ(i), rabbanā mā khalaqta hāżā bāṭilā(n), subḥānaka fa qinā ‘ażāban-nār(i).
[191] (Nyaéta) jalma-jalma anu ѐling ka Allah bari nangtung, bari diuk, bari nyangigir, jeung sok napakuran kana diciptakeunana langit jeung bumi. (Aranjeunna nyarita kieu), “Nun Pangéran abdi sadaya, Gusti henteu nyiptakeun ieu sadayana kalayan mubah. Mahasuci Gusti, pamugi Gusti ngaraksa ka abdi sadaya tina siksa naraka.

رَبَّنَآ اِنَّكَ مَنْ تُدْخِلِ النَّارَ فَقَدْ اَخْزَيْتَهٗ ۗ وَمَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ اَنْصَارٍ١٩٢
Rabbanā innaka man tudkhilin-nāra faqad akhzaitah(ū), wa mā liẓ-ẓālimīna min anṣār(in).
[192] Nun Gusti abdi sadaya, saleresna saha baé anu dilebetkeun ka naraka ku Gusti, mangka éta jalma téh leres-leres dihinakeun ku Gusti, sareng moal aya pikeun jalma-jalma anu dolim mah nu nulungan saurang ogé.

رَبَّنَآ اِنَّنَا سَمِعْنَا مُنَادِيًا يُّنَادِيْ لِلْاِيْمَانِ اَنْ اٰمِنُوْا بِرَبِّكُمْ فَاٰمَنَّا ۖرَبَّنَا فَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَا وَكَفِّرْ عَنَّا سَيِّاٰتِنَا وَتَوَفَّنَا مَعَ الْاَبْرَارِۚ١٩٣
Rabbanā innanā sami‘nā munādiyay yunādī lil-īmāni an āminū birabbikum fa āmannā, rabbanā fagfir lanā żunūbanā wa kaffir ‘annā sayyi'ātinā wa tawaffanā ma‘al-abrār(i).
[193] Nun Gusti abdi sadaya, sayaktosna abdi sadaya parantos nguping jalmi anu umajak kana kaimanan (nyaéta), ‘Geura iman ka Pangaren aranjeun!’ Teras, abdi sadaya ogé iman. Nun Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngahapunten dosa-dosa abdi sadaya, mugi Gusti nutupan kana kalepatan-kalepatan abdi, sareng mugi Gusti ngamaotkeun abdi sadaya sasarengan sareng jalmi-jalmi anu seueur tur jembar kasaénana.

رَبَّنَا وَاٰتِنَا مَا وَعَدْتَّنَا عَلٰى رُسُلِكَ وَلَا تُخْزِنَا يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ اِنَّكَ لَا تُخْلِفُ الْمِيْعَادَ١٩٤
Rabbanā wa ātinā mā wa‘attanā ‘alā rusulika wa lā tukhzinā yaumal-qiyāmah(ti), innaka lā tukhliful-mī‘ād(a).
[194] Nun Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin ka abdi sadaya naon anu ku Gusti parantos dijangjikeun ka abdi sadaya nganggo perantawisan rasul-rasul Gusti, sareng mugi ulah ngahinakeun ka abdi sadaya dina Dinten Kiamat. Sayaktosna Gusti mah tara nyulayaan jangji.”

فَاسْتَجَابَ لَهُمْ رَبُّهُمْ اَنِّيْ لَآ اُضِيْعُ عَمَلَ عَامِلٍ مِّنْكُمْ مِّنْ ذَكَرٍ اَوْ اُنْثٰى ۚ بَعْضُكُمْ مِّنْۢ بَعْضٍ ۚ فَالَّذِيْنَ هَاجَرُوْا وَاُخْرِجُوْا مِنْ دِيَارِهِمْ وَاُوْذُوْا فِيْ سَبِيْلِيْ وَقٰتَلُوْا وَقُتِلُوْا لَاُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّاٰتِهِمْ وَلَاُدْخِلَنَّهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۚ ثَوَابًا مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ عِنْدَهٗ حُسْنُ الثَّوَابِ١٩٥
Fastajāba lahum rabbuhum annī lā uḍī‘u ‘amala ‘āmilim minkum min żakarin au unṡā, ba‘ḍukum mim ba‘ḍ(in), fal-lażīna hājarū wa ukhrijū min diyārihim wa ūżū fī sabīlī wa qātalū wa qutilū la'ukaffiranna ‘anhum sayyi'ātihim wa la udkhilannahum jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), ṡawābam min ‘indillāh(i), wallāhu ‘indahū ḥusnuṡ-ṡawāb(i).
[195] Lajeng Pangéranana ngaijabah ka aranjeun (kalayan ngadawuh), “Sabenerna Kaula moal rѐk nyapirakeun kana amalna jalma anu ngamalkeun (kahadéan) ti antara aranjeun, boh lalaki boh awѐwѐ, (sabab) sabagian ti antara aranjeun téh (turunan) ti nu sabagian deui. 175 Jalma-jalma anu hijrah, anu diusir ti lembur-lemburna, nu dinyenyeri dina jalan Kami, nu perang, jeung anu ditelasan, pasti ku Kami bakal dipupus sagala kasalahanana jeung pasti ku Kami diasupkeun ka sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan, minangka ganjaran ti mungguhing Allah. Di mungguhing Allah mah aya ganjaran anu saé.
175) Maksudna: Lalaki asalna ti lalaki-lalaki jeung awéwé, kitu deui awéwé asalna ti lalaki-lalaki jeung awéwé. Dua-duana sarua jalmana, teu aya leuwih anu hiji tinu séjénna ngeunaan pameunteun iman tur amalna.

لَا يَغُرَّنَّكَ تَقَلُّبُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فِى الْبِلَادِۗ١٩٦
Lā yagurrannaka taqallubul-lażīna kafarū fil-bilād(i).
[196] Omat aranjeun sakali-kali ulah katipu ku bébasna jalma-jalma kapir milampah (sakahayangna) di pirang-pirang nagri.

مَتَاعٌ قَلِيْلٌ ۗ ثُمَّ مَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُ ۗوَبِئْسَ الْمِهَادُ١٩٧
Matā‘un qalīl(un), ṡumma ma'wāhum jahannam(u), wa bi'sal-mihād(u).
[197] Éta téh ngan saukur kasenangan anu saeutik (tur saharitaeun), tuluy tempat pangbalikan maranѐhna mah (naraka) Jahanam. Éta téh panggoréng-goréngna tempat padumukan.

لٰكِنِ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا رَبَّهُمْ لَهُمْ جَنّٰتٌ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا نُزُلًا مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ ۗ وَمَا عِنْدَ اللّٰهِ خَيْرٌ لِّلْاَبْرَارِ١٩٨
Lākinil-lażīnattaqau rabbahum lahum jannātun tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā nuzulam min ‘indillāh(i), wa mā ‘indallāhi khairul lil-abrār(i).
[198] Tapi ari jalma-jalma anu takwa ka Pangéranana mah bakal meunang sawarga anu di handapeunana curcor walungan-walungan, bari aranjeunna langgeng di dinyana, minangka (kurnia) nu dicawiskeun ti mungguhing Allah. Ari anu aya di mungguhing Allah téh leuwih hadѐ pikeun jalma-jalma anu seueur tur jembar kasaénana.

وَاِنَّ مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ لَمَنْ يُّؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكُمْ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْهِمْ خٰشِعِيْنَ لِلّٰهِ ۙ لَا يَشْتَرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ ثَمَنًا قَلِيْلًا ۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ اَجْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ١٩٩
Wa inna min ahlil-kitābi lamay yu'minu billāhi wa mā unzila ilaikum wa mā unzila ilaihim khāsyi‘īna lillāh(i), lā yasytarūna bi'āyātillāhi ṡamanan qalīlā(n), ulā'ika lahum ajruhum ‘inda rabbihim, innallāha sarī‘ul-ḥisāb(i).
[199] Sabenerna ti antara Ahli Kitab aya anu iman ka Allah sarta kana Kitab anu diturunkeun ka aranjeun jeung anu diturunkeun ka aranjeunna, bari aranjeunna husu ka Allah. Aranjeunna teu ngajual ayat-ayat Allah ku pangaji anu murah. Aranjeunna meunang ganjaran ti mungguhing Pangéranana. Saleresna Allah mah anu enggal pisan itungana-Na.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اصْبِرُوْا وَصَابِرُوْا وَرَابِطُوْاۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ ࣖ٢٠٠
Yā ayyuhal-lażīna āmanuṣbirū wa ṣābirū wa rabiṭū, wattaqullāha la‘allakum tufliḥūn(a).
[200] Hé jalma-jalma anu iman, omat kudu sabar jeung kuatkeun kasabaran aranjeun, sing tetep siap-siap ngajaga (wates-wates nagri aranjeun), sarta kudu takwa ka Allah supaya jadi jalma-jalma anu untung!