Surah Al-`Ankabut

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ ۗ١
Alif lām mīm.
[1] Alif Lām Mīm. 653
653) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

اَحَسِبَ النَّاسُ اَنْ يُّتْرَكُوْٓا اَنْ يَّقُوْلُوْٓا اٰمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُوْنَ٢
Aḥasiban-nāsu ay yutrakū ay yaqūlū āmannā wa hum lā yuftanūn(a).
[2] Naha manusa téh nyangka yén maranéhna bakal diantep (wungkul ku) nyarita, “Abdi sadaya téh parantos iman,” sedengkeun maranéhna can diuji?

وَلَقَدْ فَتَنَّا الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَلَيَعْلَمَنَّ اللّٰهُ الَّذِيْنَ صَدَقُوْا وَلَيَعْلَمَنَّ الْكٰذِبِيْنَ٣
Wa laqad fatannal-lażīna min qablihim falaya‘lamannallāhul-lażīna ṣadaqū wa laya‘lamannal-kāżibīn(a).
[3] Tétéla Kami geus nguji jalma-jalma saméméh maranéhna. Ku kituna, Allah pasti uninga ka jalma-jalma nu bener jeung pasti uninga ka jalma-jalma nu bohong.

اَمْ حَسِبَ الَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ السَّيِّاٰتِ اَنْ يَّسْبِقُوْنَا ۗسَاۤءَ مَا يَحْكُمُوْنَ٤
Am ḥasibal-lażīna ya‘malūnas-sayyi'āti ay yasbiqūnā, sā'a mā yaḥkumūn(a).
[4] Atawa jalma-jalma nu migawé kagoréngan boga sangkaan yén maranéhna bakal leupas tina (siksa) Kami? (Kacida) goréngna naon nu ku maranéhna ditetepkeun téh.

مَنْ كَانَ يَرْجُوْا لِقَاۤءَ اللّٰهِ فَاِنَّ اَجَلَ اللّٰهِ لَاٰتٍ ۗوَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٥
Man kāna yarjū liqā'allāhi fa'inna ajalallāhi la'āt(in), wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[5] Saha baé nu miharep patepung jeung Allah, saenyana waktu (nu dijangjikeun) ku Allah téh pasti datang. Mantenna Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

وَمَنْ جَاهَدَ فَاِنَّمَا يُجَاهِدُ لِنَفْسِهٖ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَغَنِيٌّ عَنِ الْعٰلَمِيْنَ٦
Wa man jāhada fa'innamā yujāhidu linafsih(ī), innallāha laganiyyun ‘anil-‘ālamīn(a).
[6] Saha baé nu ngupayakeun kalayan leres-leres (pikeun milampah kahadéan), saenyana (mangpaat) usahana pikeun dirina sorangan. Saleresna Allah mah bener-bener Mahasugih (teu merlukeun naon-naon) ti sakumna alam.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَنُكَفِّرَنَّ عَنْهُمْ سَيِّاٰتِهِمْ وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ اَحْسَنَ الَّذِيْ كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٧
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lanukaffiranna ‘anhum sayyi'ātihim wa lanajziyannahum aḥsanal-lażī kānū ya‘malūn(a).
[7] Jalma-jalma nu iman jeung milampah amal soléh pasti dosa-dosana bakal dipupus ku Kami jeung aranjeunna pasti bakal dipaparinan wawales nu panghadéna tina naon anu ku aranjeunna dipilampah.

وَوَصَّيْنَا الْاِنْسَانَ بِوَالِدَيْهِ حُسْنًا ۗوَاِنْ جَاهَدٰكَ لِتُشْرِكَ بِيْ مَا لَيْسَ لَكَ بِهٖ عِلْمٌ فَلَا تُطِعْهُمَا ۗاِلَيَّ مَرْجِعُكُمْ فَاُنَبِّئُكُمْ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٨
Wa waṣṣainal-insāna biwālidaihi ḥusnā(n), wa in jāhadāka litusyrika bī mā laisa laka bihī ‘ilmun falā tuṭi‘humā, ilayya marji‘ukum fa'unabbi'ukum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[8] Kami geus ngawasiatkeun (ka) manusa sangkan (milampah) kahadéan ka indung-bapana. Lamun duanana maksa anjeun pikeun nyarékatkeun Kami jeung perkara nu anjeun teu nyaho ngeunaan éta, anjeun ulah ngagugu ka duanana. Ngan ka Kami tempat pangbalikan aranjeun téh, tuluy Kami méré nyaho ka aranjeun naon nu kungsi dipilampah ku aranjeun.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَنُدْخِلَنَّهُمْ فِى الصّٰلِحِيْنَ٩
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lanudkhilannahum fiṣ-ṣāliḥīn(a).
[9] Jalma-jalma nu iman jeung milampah amal soléh pasti bakal diasupkeun ku Kami kana (golongan) jalma soléh.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّقُوْلُ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ فَاِذَآ اُوْذِيَ فِى اللّٰهِ جَعَلَ فِتْنَةَ النَّاسِ كَعَذَابِ اللّٰهِ ۗوَلَىِٕنْ جَاۤءَ نَصْرٌ مِّنْ رَّبِّكَ لَيَقُوْلُنَّ اِنَّا كُنَّا مَعَكُمْۗ اَوَلَيْسَ اللّٰهُ بِاَعْلَمَ بِمَا فِيْ صُدُوْرِ الْعٰلَمِيْنَ١٠
Wa minan-nāsi may yaqūlu āmannā billāhi fa'iżā ūżiya fillāhi ja‘ala fitnatan-nāsi ka‘ażābillāh(i), wa la'in jā'a naṣrum mir rabbika layaqūlunna innā kunnā ma‘akum, awa laisallāhu bi'a‘lama bimā fī ṣudūril-‘ālamīn(a).
[10] Ti antara manusa aya nu nyarita, “Kuring saréréa iman ka Allah,” tapi waktu dinyenyeri (lantaran iman ka) Allah, manéhna nganggap cocoba manusa téh minangka siksaan Allah. 654 Tapi, lamun datang pitulung ti Pangéran hidep, pasti maranéhna bakal nyarita, “Saenyana kuring saréréa téh babarengan jeung aranjeun?” Apan Allah téh panguningana kana naon anu aya di jero haté sakabéh manusa?
654) Éta jalma téh sieun didoliman ku manusa, saperti kasieunana kana siksaan Allah, ku lantaran kitu manéhna tuluy ninggalkeun kaimanana.

وَلَيَعْلَمَنَّ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَلَيَعْلَمَنَّ الْمُنٰفِقِيْنَ١١
Wa laya‘lamannallāhul-lażīna āmanū wa laya‘lamannal-munāfiqīn(a).
[11] Allah pasti uninga ka jalma-jalma nu iman sareng pasti uninga ka jalma-jalma munapék.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّبِعُوْا سَبِيْلَنَا وَلْنَحْمِلْ خَطٰيٰكُمْۗ وَمَا هُمْ بِحٰمِلِيْنَ مِنْ خَطٰيٰهُمْ مِّنْ شَيْءٍۗ اِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ١٢
Wa qālal-lażīna kafarū lil-lażīna āmanuttabi‘ū sabīlanā walnaḥmil khaṭāyākum, wa mā hum biḥāmilīna min khaṭāyāhum min syai'(in), innahum lakāżibūn(a).
[12] Jalma-jalma nu kupur nyarita ka jalma-jalma nu iman, “Tuturkeun jalan kuring saréréa jeung kuring saréréa bakal sanggup nanggung dosa-dosa aranjeun.” Padahal, maranéhna teu sanggup saeutik ogé nanggung dosa-dosana sorangan. Saenyana maranéhna (jalma-jalma kapir) téh bener-bener tukang bohong.

وَلَيَحْمِلُنَّ اَثْقَالَهُمْ وَاَثْقَالًا مَّعَ اَثْقَالِهِمْ وَلَيُسْـَٔلُنَّ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ عَمَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ ࣖ١٣
Wa layaḥmilunna aṡqālahum wa aṡqālam ma‘a aṡqālihim wa layus'alunna yaumal-qiyāmati ‘ammā kānū yaftarūn(a).
[13] Maranéhna bener-bener bakal nanggung dosa-dosana (sorangan) jeung dosa-dosa batur (nu ditipu ku maranéhna) babarengan jeung dosa-dosa maranéhna. Dina Poé Kiamat maranéhna pasti bakal ditanya ngeunaan kabohongan nu sok diaya-ayakeun ku maranéhna.

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا نُوْحًا اِلٰى قَوْمِهٖ فَلَبِثَ فِيْهِمْ اَلْفَ سَنَةٍ اِلَّا خَمْسِيْنَ عَامًا ۗفَاَخَذَهُمُ الطُّوْفَانُ وَهُمْ ظٰلِمُوْنَ١٤
Wa laqad arsalnā nūḥan ilā qaumihī falabiṡa fīhim alfa sanatin illā khamsīna ‘āmā(n), fa'akhażahumuṭ-ṭūfānu wa hum ẓālimūn(a).
[14] Sabenerna Kami geus ngutus Nuh ka kaomna, tuluy anjeunna cicing jeung maranéhna salila sarébu taun kurang lima puluh taun. Tuluy, maranéhna ditibanan banjir gedé. Maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.

فَاَنْجَيْنٰهُ وَاَصْحٰبَ السَّفِيْنَةِ وَجَعَلْنٰهَآ اٰيَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ١٥
Fa'anjaināhu wa aṣḥābas-safīnati wa ja‘alnāhā āyatal lil-‘ālamīn(a).
[15] Mangka, Kami nyalametkeun Nuh jeung nu tarumpak parahu sarta ngajadikeunana atikan pikeun sakumna alam.

وَاِبْرٰهِيْمَ اِذْ قَالَ لِقَوْمِهِ اعْبُدُوا اللّٰهَ وَاتَّقُوْهُ ۗذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ١٦
Wa ibrāhīma iż qāla liqaumihi‘budullāha wattaqūh(u), żālikum khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[16] (Sing inget kana kisah) lbrohim waktu nyarios ka kaomna, “Pék sembah Allah jeung kudu takwa ka Mantenna. Éta téh nu leuwih hadé pikeun aranjeun lamun nyaho mah.

اِنَّمَا تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَوْثَانًا وَّتَخْلُقُوْنَ اِفْكًا ۗاِنَّ الَّذِيْنَ تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ لَا يَمْلِكُوْنَ لَكُمْ رِزْقًا فَابْتَغُوْا عِنْدَ اللّٰهِ الرِّزْقَ وَاعْبُدُوْهُ وَاشْكُرُوْا لَهٗ ۗاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ١٧
Innamā ta‘budūna min dūnillāhi auṡānaw wa takhluqūna ifkā(n), innal-lażīna ta‘budūna min dūnillāhi lā yamlikūna lakum rizqan fabtagū ‘indallāhir-rizqa wa‘budūhu wasykurū lah(ū), ilaihi turja‘ūn(a).
[17] Saenyana naon anu ku aranjeun disembah salian ti Allah téh ngan wungkul berhala-berhala jeung maranéh téh geus nyieun kabohongan. 655 Saenyana naon nu disembah ku aranjeun salian ti Allah téh moal sanggup méré rejeki ka aranjeun. Mangka, geura pénta rejeki ti mungguhing Allah, pék sembah Mantenna, jeung sukuran ka Mantenna. Ngan wungkul ka Mantenna aranjeun bakal dipulangkeun.
655) Maranéhna nyarita yén éta berhala-berhala téh bisa maparin syapaat ka maranéhna di mungguhing Allah, padahal ieu téh mangrupa kabohongan.

وَاِنْ تُكَذِّبُوْا فَقَدْ كَذَّبَ اُمَمٌ مِّنْ قَبْلِكُمْ ۗوَمَا عَلَى الرَّسُوْلِ اِلَّا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ١٨
Wa in tukażżibū faqad każżaba umamum min qablikum, wa mā ‘alar-rasūli illal-balāgul-mubīn(u).
[18] Lamun aranjeun ngabohongkeun (ajaran Allah), sabenerna umat-umat nu saméméh aranjeun ogé geus ngabohongkeun (para rasul). Kawajiban rasul mah taya ngan wungkul nepikeun (agama Allah) nu jelas.

اَوَلَمْ يَرَوْا كَيْفَ يُبْدِئُ اللّٰهُ الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ ۗاِنَّ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرٌ١٩
Awalam yarau kaifa yubdi'ullāhul-khalqa ṡumma yu‘īduh(ū), inna żālika ‘alallāhi yasīr(un).
[19] Naha maranéhna téh teu niténan kumaha Allah ngawitan nyiptakeun (mahluk), tuluy ngabalikeunana (ngahirupkeunna deui)? Saenyana éta téh kanggo Allah mah gampil pisan.”

قُلْ سِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ بَدَاَ الْخَلْقَ ثُمَّ اللّٰهُ يُنْشِئُ النَّشْاَةَ الْاٰخِرَةَ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ۚ٢٠
Qul sīrū fil-arḍi fanẓurū kaifa bada'al-khalqa ṡummallāhu yunsyi'un-nasy'atal-ākhirah(ta), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[20] Pék caritakeun, “Jung aranjeun geura lumampah di bumi, tuluy pék tengetan kumaha Allah ngawitan nyiptakeun (sakabéh mahluk). Tuluy, Mantenna ngadamel kajadian nu ahir (sanggeus maot di ahérat jaga). 656 Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.
656) Allah ngahudangkeun deui manusa sanggeusna maot jaga di ahérat.

يُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَرْحَمُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۚوَاِلَيْهِ تُقْلَبُوْنَ٢١
Yu‘ażżibu may yasyā'u wa yarḥamu may yasyā'(u), wa ilaihi tuqlabūn(a).
[21] Allah bakal nyiksa saha baé anu dikersakeun ku Mantenna sareng maparin rahmat ka saha baé nu diperkersa ku Mantenna. Ngan wungkul ka Mantenna aranjeun bakal dibalikkeun.

وَمَآ اَنْتُمْ بِمُعْجِزِيْنَ فِى الْاَرْضِ وَلَا فِى السَّمَاۤءِ ۖوَمَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ ࣖ٢٢
Wa mā antum bimu‘jizīna fil-arḍi wa lā fis-samā'(i), wa mā lakum min dūnillāhi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[22] Aranjeun moal bisa ngaleupaskeun diri (tina siksa Allah) di bumi jeung di langit. Moal aya ogé nu nangtayungan jeung nu nulungan aranjeun salian ti Allah.

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَلِقَاۤىِٕهٖٓ اُولٰۤىِٕكَ يَىِٕسُوْا مِنْ رَّحْمَتِيْ وَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٢٣
Wal-lażīna kafarū bi'āyātillāhi wa liqā'ihī ulā'ika ya'isū mir raḥmatī wa ulā'ika lahum ‘ażābun alīm(un).
[23] Jalma-jalma nu kupur kana ayat-ayat Allah jeung kana petepungna sareng Mantenna, maranéhna téh pegat pangharepan tina rahmat Kami jeung maranéhna téh bakal meunang siksaan nu peurih.

فَمَا كَانَ جَوَابَ قَوْمِهٖٓ اِلَّآ اَنْ قَالُوا اقْتُلُوْهُ اَوْ حَرِّقُوْهُ فَاَنْجٰىهُ اللّٰهُ مِنَ النَّارِۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٢٤
Famā kāna jawāba qaumihī illā an qaluqtulūhu au ḥarriqūhu fa anjāhullāhu minan-nār(i), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[24] Mangka, taya jawaban kaomna (Ibrahim) salian ti nyarita, “Paéhan atawa duruk baé manéhna!” Tuluy Allah nyalametkeun anjeunna tina seuneu. Saenyana dina éta (kajadian) téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom nu iman.

وَقَالَ اِنَّمَا اتَّخَذْتُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَوْثَانًاۙ مَّوَدَّةَ بَيْنِكُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۚ ثُمَّ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ يَكْفُرُ بَعْضُكُمْ بِبَعْضٍ وَّيَلْعَنُ بَعْضُكُمْ بَعْضًا ۖوَّمَأْوٰىكُمُ النَّارُ وَمَا لَكُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَۖ٢٥
Wa qāla innamattakhażtum min dūnillāhi auṡānam mawaddata bainikum fil-ḥayātid-dun-yā, ṡumma yaumal-qiyāmati yakfuru ba‘ḍukum biba‘ḍiw wa yal‘anu ba‘ḍukum ba‘ḍā(n), wa ma'wākumun nāru wa mā lakum min nāṣirīn(a).
[25] Ibrahim nyarios, “Saenyana berhala nu ku aranjeun disembah salian ti Allah téh ngan ukur sangkan nyiptakeun hubungan nu harmonis di antara aranjeun dina kahirupan di dunya. Tuluy, dina Poé Kiamat mah sabagian aranjeun téh bakal silih ingkaran jeung salih la’nat. Tempat pangbalikan aranjeun téh naraka jeung moal pisan aya nu nulungan ka aranjeun.”

۞ فَاٰمَنَ لَهٗ لُوْطٌۘ وَقَالَ اِنِّيْ مُهَاجِرٌ اِلٰى رَبِّيْ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٢٦
Fa āmana lahū lūṭ(un), wa qāla innī muhājirun ilā rabbī, innahū huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[26] Mangka, Lut ngaenyakeun (kana kanabian Ibrahim). Anjeunna (Ibrahim) ogé nyarios, “Saenyana kuring hijrah ka (tempat nu diparéntahkeun ku) Pangéran kuring. Saenyana Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَوَهَبْنَا لَهٗٓ اِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ وَجَعَلْنَا فِيْ ذُرِّيَّتِهِ النُّبُوَّةَ وَالْكِتٰبَ وَاٰتَيْنٰهُ اَجْرَهٗ فِى الدُّنْيَا ۚوَاِنَّهٗ فِى الْاٰخِرَةِ لَمِنَ الصّٰلِحِيْنَ٢٧
Wa wahabnā lahū isḥāqa wa ya‘qūba wa ja‘alnā fī żurriyyatihin nubuwwata wal-kitāba wa ātaināhu ajrahū fid-dun-yā, wa innahū fil-ākhirati laminaṣ-ṣāliḥīn(a).
[27] Kami ngurniakeun ka anjeunna (Ibrahim) Ishaq sareng Ya’qub. Kami ngajadikeun ka turunanana kanabian jeung kitab sarta maparin wawales di dunya ka anjeunna. 657 Saenyana di ahératna téh anjeunna bener-bener kaasup jalma-jalma anu soléh.
657) Ku dipaparinana anak incu nu hadé, kanabian anu teu lirén-lirén, jeung puji-pujian nu hadé.

وَلُوْطًا اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖٓ اِنَّكُمْ لَتَأْتُوْنَ الْفَاحِشَةَ ۖمَا سَبَقَكُمْ بِهَا مِنْ اَحَدٍ مِّنَ الْعٰلَمِيْنَ٢٨
Wa lūṭan iż qāla liqaumihī innakum lata'tūnal-fāḥisyata mā sabaqakum bihā min aḥadim minal-‘ālamīn(a).
[28] (Sing inget) nalika Lut nyarios ka kaomna, “Saenyana aranjeun téh bener-bener milampah pagawéan nu jahat (homoseksual) anu tacan kungsi dipilampah ku saurang ogé saméméh aranjeun di sakumna alam.

اَىِٕنَّكُمْ لَتَأْتُوْنَ الرِّجَالَ وَتَقْطَعُوْنَ السَّبِيْلَ ەۙ وَتَأْتُوْنَ فِيْ نَادِيْكُمُ الْمُنْكَرَ ۗفَمَا كَانَ جَوَابَ قَوْمِهٖٓ اِلَّآ اَنْ قَالُوا ائْتِنَا بِعَذَابِ اللّٰهِ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٢٩
A'innakum lata'tūnar-rijāla wa taqṭa‘ūnas-sabīl(a), wa ta'tūna fī nādīkumul-munkar(a), famā kāna jawāba qaumihī illā an qālu'tinā bi‘ażābillāhi in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[29] Naha aranjeun bener-bener ngadatangan lalaki (keur ngalajur syahwat), ngabégal, 658 jeung milampah kamungkaran di tempat-tempat pasamoan aranjeun?” Mangka, jawaban kaomna taya lian iwal ti nyarita, “Cing datangkeun ka kuring saréréa siksaan Allah téh lamun mah anjeun téh kaasup jalma-jalma nu bener mah.”
658) Sawaréh ahli tapsir ngahartikeun “milampah pagawéan jahat ka jalma-jalma di tengah lalampahan,” lantaran lolobana maranéhna milampah éta pagawéan homoseksual téh jeung sémah-sémah nu daratang ka lembur maranéhna. Mung aya deui nu ngahartikeun éta kecap téh ku “ngaruksak jalan turunan,” lantaran maranéhna milampah homoseksual.

قَالَ رَبِّ انْصُرْنِيْ عَلَى الْقَوْمِ الْمُفْسِدِيْنَ ࣖ٣٠
Qāla rabbinṣurnī ‘alal-qaumil-mufsidīn(a).
[30] Lut ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi bantosan abdi (ku nibankeun siksaan) ka kaom nu migawé éta karuksakan!”

وَلَمَّا جَاۤءَتْ رُسُلُنَآ اِبْرٰهِيْمَ بِالْبُشْرٰىۙ قَالُوْٓا اِنَّا مُهْلِكُوْٓا اَهْلِ هٰذِهِ الْقَرْيَةِ ۚاِنَّ اَهْلَهَا كَانُوْا ظٰلِمِيْنَ ۚ٣١
Wa lammā jā'at rusulunā ibrāhīma bil-busyrā, qālū innā muhlikū ahli hāżihil-qaryah(ti), inna ahlahā kānū ẓālimīn(a).
[31] Waktu utusan-utusan Kami (para malaikat) sumping ka Ibrahim nyandak wartos pikabingaheun, 659 aranjeunna pok nyarios, “Saleresna kuring saréréa téh badé ngabinasakeun pangeusi nagri ieu lantaran saenyana maranéhna téh jalma-jalma dolim.”
659) Béja yén Nabi Ibrahim a.s. bakal ngagaduhan putra.

قَالَ اِنَّ فِيْهَا لُوْطًا ۗقَالُوْا نَحْنُ اَعْلَمُ بِمَنْ فِيْهَا ۖ لَنُنَجِّيَنَّهٗ وَاَهْلَهٗٓ اِلَّا امْرَاَتَهٗ كَانَتْ مِنَ الْغٰبِرِيْنَ٣٢
Qāla inna fīhā lūṭā(n), qālū naḥnu a‘lamu biman fīhā, lanunajjiyannahū wa ahlahū illamra'atahū kānat minal-gābirīn(a).
[32] Ibrahim nyarios, “Saenyana di éta kota téh aya Lut.” Aranjeunna nyarios, “Kuring sadaya langkung terang saha nu aya di éta kota. Kuring sadaya pasti bakal nyalametkeun anjeunna sareng nu naluturkeunana, iwal ti istrina. Da manéhna mah kaasup (jalma-jalma kapir) nu tinggaleun.”

وَلَمَّآ اَنْ جَاۤءَتْ رُسُلُنَا لُوْطًا سِيْۤءَ بِهِمْ وَضَاقَ بِهِمْ ذَرْعًا وَّقَالُوْا لَا تَخَفْ وَلَا تَحْزَنْ ۗاِنَّا مُنَجُّوْكَ وَاَهْلَكَ اِلَّا امْرَاَتَكَ كَانَتْ مِنَ الْغٰبِرِيْنَ٣٣
Wa lammā an jā'at rusulunā lūṭan sī'a bihim wa ḍāqa bihim żar‘aw wa qālū lā takhaf wa lā taḥzan, innā munajjūka wa ahlaka illamra'ataka kānat minal-gābirīn(a).
[33] Waktu para utusan Kami datang ka Lut, anjeunna ngarasa hariwang 660 lantaran (sumpingna) aranjeunna jeung ngarasa teu boga kakuatan pikeun nangtayunganana. Aranjeunna nyarios, “Teu kedah sieun sareng sedih. Saenyana kami bakal nyalametkeun anjeun jeung nu naluturkeun anjeun, iwal ti istri anjeun. Manéhna kaasup (jalma-jalma kapir) nu tinggaleun.”
660) Nabi Lut a.s. ngaraos hariwang ku sumpingna éta utusan-utusan Allah ku margi aranjeunna téh pamuda nu kararasép pisan, sedengkeun kaom Lut resepeun pisan ka pamuda nu kararasép pikeun ngalakukeun pagawéan homoseksual. Sareng anjeunna ngaraos teu sanggem nulungan aranjeunna téh waktu diganggu ku kaomna.

اِنَّا مُنْزِلُوْنَ عَلٰٓى اَهْلِ هٰذِهِ الْقَرْيَةِ رِجْزًا مِّنَ السَّمَاۤءِ بِمَا كَانُوْا يَفْسُقُوْنَ٣٤
Innā munzilūna ‘alā ahli hāżihil-qaryati rijzam minas-samā'i bimā kānū yafsuqūn(a).
[34] Saenyana Kami téh bakal nurunkeun hiji siksa ti langit ka pangeusi ieu nagri lantaran maranéhna sok migawé kapasékan.

وَلَقَدْ تَّرَكْنَا مِنْهَآ اٰيَةً ۢ بَيِّنَةً لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٣٥
Wa laqad taraknā minhā āyatam bayyinatal liqaumiy ya‘qilūn(a).
[35] Saenyana Kami geus ninggalkeun ti éta nagri hiji tanda nu nyata 661 pikeun kaom nu mikir.
661) Ruruntuk kota Sodom, nagri kaom Lut.

وَاِلٰى مَدْيَنَ اَخَاهُمْ شُعَيْبًاۙ فَقَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ وَارْجُوا الْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَلَا تَعْثَوْا فِى الْاَرْضِ مُفْسِدِيْنَ ۖ٣٦
Wa ilā madyana akhāhum syu‘aibā(n), faqāla yā qaumi‘budullāha warjul-yaumal-ākhira wa lā ta‘ṡau fil-arḍi mufsidīn(a).
[36] Ka pangeusi Madyan (Kami ngutus) dulur maranéhna (nyaéta) Su’éb. Anjeunna nyarios, “Hé kaom kuring, geura sembah Allah, pék piharep (pahala) Poé Ahir, sarta ulah liar di bumi pikeun nyieun karuksakan.”

فَكَذَّبُوْهُ فَاَخَذَتْهُمُ الرَّجْفَةُ فَاَصْبَحُوْا فِيْ دَارِهِمْ جٰثِمِيْنَ ۙ٣٧
Fa każżabūhu fa'akhażathumur-rajfatu fa'aṣbaḥū fī dārihim jāṡimīn(a).
[37] Maranéhna ngabohongkeun ka anjeunna. (Akibatna) lini nu gedé ninggang ka maranéhna. Tuluy, maranéhna jadi (mayit-mayit nu) jalalengker di padumukanana.

وَعَادًا وَّثَمُوْدَا۟ وَقَدْ تَّبَيَّنَ لَكُمْ مِّنْ مَّسٰكِنِهِمْۗ وَزَيَّنَ لَهُمُ الشَّيْطٰنُ اَعْمَالَهُمْ فَصَدَّهُمْ عَنِ السَّبِيْلِ وَكَانُوْا مُسْتَبْصِرِيْنَ ۙ٣٨
Wa ‘ādaw wa ṡamūda wa qat tabayyana lakum mim masākinihim, wa zayyana lahumusy-syaiṭānu a‘mālahum faṣaddahum ‘anis-sabīli wa kānū mustabṣirīn(a).
[38] (Sing inget) ogé (caritana kaom) ‘Ad jeung Samud. Saenyana geus nyata pikeun maranéh (ancurna maranéhna) tina (ruruntuk) padumukan maranéhna. Sétan ngajadikeun rasa éndah kana pagawéan (goréng) maranéhna, nepi ka ngahalangan maranéhna tina jalan (Allah), sedengkeun maranéhna baheula téh nyaéta jalma-jalma nu seukeut kamandangna.

وَقَارُوْنَ وَفِرْعَوْنَ وَهَامٰنَۗ وَلَقَدْ جَاۤءَهُمْ مُّوْسٰى بِالْبَيِّنٰتِ فَاسْتَكْبَرُوْا فِى الْاَرْضِ وَمَا كَانُوْا سٰبِقِيْنَ ۚ٣٩
Wa qārūna wa fir‘auna wa hāmān(a), wa laqad jā'ahum mūsā bil-bayyināti fastakbarū fil-arḍi wa mā kānū sābiqīn(a).
[39] (Ogé) Karun, Fir’aun, jeung Haman. Saenyana Musa geus datang ka maranéhna bari (mawa) katerangan-katerangan anu nyata. Tapi, maranéhna sombong di bumi. Maranéhna téh jalma-jalma nu teu bisa leupas (tina siksa Allah).

فَكُلًّا اَخَذْنَا بِذَنْۢبِهٖۙ فَمِنْهُمْ مَّنْ اَرْسَلْنَا عَلَيْهِ حَاصِبًا ۚوَمِنْهُمْ مَّنْ اَخَذَتْهُ الصَّيْحَةُ ۚوَمِنْهُمْ مَّنْ خَسَفْنَا بِهِ الْاَرْضَۚ وَمِنْهُمْ مَّنْ اَغْرَقْنَاۚ وَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيَظْلِمَهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ٤٠
Fakullan akhażnā biżambih(ī), faminhum man arsalnā ‘alaihi ḥāṣibā(n), wa minhum man akhażathuṣ-ṣaiḥah(tu), wa minhum man khasafnā bihil-arḍ(a), wa minhum man agraqnā, wa mā kānallāhu liyaẓlimahum wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[40] Masing-masing (ti maranéhna) ku Kami disiksa alatan dosana. Ti antara maranéhna aya nu ditibanan angin puyuh (nu mawa) batu karikil, aya nu ditibanan sora tarik pisan nu ngageleger, aya nu diambleskeun kana jero bumi, jeung aya ogé nu diteuleumkeun. Allah henteu ngadoliman ka maranéhna, tapi maranéhna nu ngadoliman ka dirina sorangan.

مَثَلُ الَّذِيْنَ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَوْلِيَاۤءَ كَمَثَلِ الْعَنْكَبُوْتِۚ اِتَّخَذَتْ بَيْتًاۗ وَاِنَّ اَوْهَنَ الْبُيُوْتِ لَبَيْتُ الْعَنْكَبُوْتِۘ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ٤١
Maṡalul-lażīnattakhażū min dūnillāhi auliyā'a kamaṡalil-‘ankabūt(i), ittakhażat baitā(n), wa inna auhanal-buyūti labaitul-‘ankabūt(i), lau kānū ya‘lamūn(a).
[41] Babandingan jalma-jalma nu ngajadikeun salian ti Allah minangka panyalindung téh lir jiga lancah bikang nu nyieun imah. Saenyana imah nu panglemahna téh nyaéta imah lancah. Lamun maranéhna nyaho (tangtu moal bakal nyembah ka maranéhna).

اِنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ مِنْ شَيْءٍۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٤٢
Innallāha ya‘lamu mā yad‘ūna min dūnihī min syai'(in), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[42] Saleresna Allah uninga kana naon baé nu ku maranéhna disembah salian ti Mantenna. Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَتِلْكَ الْاَمْثَالُ نَضْرِبُهَا لِلنَّاسِۚ وَمَا يَعْقِلُهَآ اِلَّا الْعٰلِمُوْنَ٤٣
Wa tilkal-amṡālu naḍribuhā lin-nās(i), wa mā ya‘qiluhā illal-‘ālimūn(a).
[43] Éta babandingan-babandingan téh ku Kami dijieun keur manusa. Tapi, taya nu paham kana hal éta, kajaba jalma-jalma nu boga élmu.

خَلَقَ اللّٰهُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّلْمُؤْمِنِيْنَ ࣖ ۔٤٤
Khalaqallāhus-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqq(i), inna fī żālika la'āyatal lil-mu'minīn(a).
[44] Allah nyiptakeun langit jeung bumi kalayan hak. Saenyana dina éta téh bener-bener aya tanda (kaagungan Allah) pikeun jalma-jalma iman.

اُتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَۗ اِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ ۗوَلَذِكْرُ اللّٰهِ اَكْبَرُ ۗوَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ٤٥
Utlu mā ūḥiya ilaika minal-kitābi wa aqimiṣ-ṣalāh(ta), innaṣ-ṣalāta tanhā ‘anil-faḥsyā'i wal-munkar(i), wa lażikrullāhi akbar(u), wallāhu ya‘lamu mā taṣna‘ūn(a).
[45] Pék baca ku hidep (Muhammad) Kitab (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ka hidep jeung geura adegkeun salat. Sabenerna salat téh nyegah tina (pagawéan) kotor jeung mungkar. Sabenerna inget ka Allah (salat) téh leuwih gedé (kautamaanana batan ibadah nu séjén). Allah Mahauninga kana naon nu dipigawé ku aranjeun.

۞ وَلَا تُجَادِلُوْٓا اَهْلَ الْكِتٰبِ اِلَّا بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُۖ اِلَّا الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْهُمْ وَقُوْلُوْٓا اٰمَنَّا بِالَّذِيْٓ اُنْزِلَ اِلَيْنَا وَاُنْزِلَ اِلَيْكُمْ وَاِلٰهُنَا وَاِلٰهُكُمْ وَاحِدٌ وَّنَحْنُ لَهٗ مُسْلِمُوْنَ٤٦
Wa lā tujādilū ahlal-kitābi illā bil-latī hiya aḥsan(u), illal-lażīna ẓalamū minhum wa qūlū āmannā bil-lażī unzila ilainā wa unzila ilaikum wa ilāhunā wa ilāhukum wāḥiduw wa naḥnu lahū muslimūn(a).
[46] Omat aranjeun ulah ngadebat Ahli Kitab kajaba ku cara nu leuwih hadé, anging ka jalma-jalma nu dolim ti antara maranéhna. 662 Caritakeun, “Kuring saréréa iman kana (kitab) anu diturunkeun ka kuring saréréa jeung anu diturunkeun ka aranjeun. Pangéran kuring saréréa jeung Pangéran aranjeun téh éta hiji, tur ngan ka Mantenna kuring saréréa sumerah diri.”
662) Jalma-jalma nu geus dibéré katerangan jeung wawaran nu jelas ku cara nu panghadé-hadéna, tapi maranéhna tetep nengtéréwéléng jeung ngabahula (ngabangkang). Maranéhna téh tétéla ngomong rék tetep ngamusuhan.

وَكَذٰلِكَ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ الْكِتٰبَۗ فَالَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يُؤْمِنُوْنَ بِهٖۚ وَمِنْ هٰٓؤُلَاۤءِ مَنْ يُّؤْمِنُ بِهٖۗ وَمَا يَجْحَدُ بِاٰيٰتِنَآ اِلَّا الْكٰفِرُوْنَ٤٧
Wa każālika anzalnā ilaikal-kitāb(a), fal-lażīna ātaināhumul-kitāba yu'minūna bih(ī), wa min hā'ulā'i may yu'minu bih(ī), wa mā yajḥadu bi'āyātinā illal-kāfirūn(a).
[47] Tah kitu Kami nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep. Sedeng ari jalma-jalma anu ku Kami geus dibéré Kitab (Torét jeung Injil) mah, maranéhna iman kana éta (Al-Qur’an). Ti antara maranéhna (jalma-jalma kapir Mekah) aya (ogé) nu iman kana éta (Al-Qur’an). Moal ingkar kana ayat-ayat Kami, kajaba jalma-jalma kapir.

وَمَا كُنْتَ تَتْلُوْا مِنْ قَبْلِهٖ مِنْ كِتٰبٍ وَّلَا تَخُطُّهٗ بِيَمِيْنِكَ اِذًا لَّارْتَابَ الْمُبْطِلُوْنَ٤٨
Wa mā kunta tatlū min qablihī min kitābiw wa lā takhuṭṭuhū biyamīnika iżal lartābal-mubṭilūn(a).
[48] Hidep (Muhammad) teu kungsi maca hiji kitab naon baé ogé saméméhna (Al-Qur’an) jeung teu kungsi (ogé) nuliskeunana ku leungeun katuhu hidep. Lamun mah (hidep kungsi maca jeung nulis mah), pasti jalma-jalma nu ingkar kana éta (Al-Qur’an) bakal mangmang (yén éta téh ti Allah).

بَلْ هُوَ اٰيٰتٌۢ بَيِّنٰتٌ فِيْ صُدُوْرِ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَۗ وَمَا يَجْحَدُ بِاٰيٰتِنَآ اِلَّا الظّٰلِمُوْنَ٤٩
Bal huwa āyātum bayyinātun fī ṣudūril-lażīna ūtul-‘ilm(a), wa mā yajḥadu bi'āyātinā illaẓ-ẓālimūn(a).
[49] Saenyana éta (Al-Qur’an) téh ayat-ayat anu jelas di jero dada jalma-jalma nu boga élmu pangaweruh. 663 Moal bakal ingkar kana ayat-ayat Kami, kajaba jalma-jalma dolim.
663) Ayat-ayat Al-Qur’an téh dipulasara dina dada ku cara diapalkeun ku lolobana kaom Muslim kalayan turun-tumurun jeung dipahamkeun, dilenyepan bari diteuleuman dina jero haté, nepi ka euweuh sanajan hiji ogé anu bisa ngarobahna.

وَقَالُوْا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ اٰيٰتٌ مِّنْ رَّبِّهٖ ۗ قُلْ اِنَّمَا الْاٰيٰتُ عِنْدَ اللّٰهِ ۗوَاِنَّمَآ اَنَا۠ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ٥٠
Wa qālū lau lā unzila ‘alaihi āyātum mir rabbih(ī), qul innamal-āyātu ‘indallāh(i), wa innamā ana nażīrum mubīn(un).
[50] Maranéhna (jalma-jalma kapir) nyarita, “Naha geuning teu diturunkeun éta bukti-bukti (mujijat) ti Pangéranana?” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Éta bukti-bukti (mujijat) téh ngan wungkul aya di mungguhing Allah, sedengkeun kuring mah ngan wungkul nu méré pépéling nu jelas.”

اَوَلَمْ يَكْفِهِمْ اَنَّآ اَنْزَلْنَا عَلَيْكَ الْكِتٰبَ يُتْلٰى عَلَيْهِمْ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَرَحْمَةً وَّذِكْرٰى لِقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ ࣖ٥١
Awalam yakfihim annā anzalnā ‘alaikal-kitāba yutlā ‘alaihim, inna fī żālika laraḥmataw wa żikrā liqaumiy yu'minūn(a).
[51] Naha can cukup pikeun maranéhna yén Kami nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep nu dibacakeun ka maranéhna? Sabenerna dina éta (Al-Qur’an) téh ngandung rahmat jeung atikan pikeun kaom nu iman.

قُلْ كَفٰى بِاللّٰهِ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْ شَهِيْدًاۚ يَعْلَمُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِالْبَاطِلِ وَكَفَرُوْا بِاللّٰهِ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ٥٢
Qul kafā billāhi bainī wa bainakum syahīdā(n), ya‘lamu mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), wal-lażīna āmanū bil-bāṭili wa kafarū billāhi ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[52] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Cukup Allah baé nu jadi saksi antara kuring jeung aranjeun. Mantenna uninga kana sagala nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Jalma-jalma nu percaya kana perkara batil jeung kupur ka Allah, nya maranéhna téh jalma-jalma nu rugi.”

وَيَسْتَعْجِلُوْنَكَ بِالْعَذَابِۗ وَلَوْلَآ اَجَلٌ مُّسَمًّى لَّجَاۤءَهُمُ الْعَذَابُۗ وَلَيَأْتِيَنَّهُمْ بَغْتَةً وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ٥٣
Wa yasta‘jilūnaka bil-‘ażāb(i), wa lau lā ajalum musammal lajā'ahumul-‘ażāb(u), wa laya'tiyannahum bagtataw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[53] Maranéhna ménta sangkan hidep ngagancangkeun (datangna) siksaan. Da lamun lain ku sabab waktuna nu geus ditetepkeun mah, 664 pasti éta siksaan téh geus ninggang ka maranéhna. (Éta siksaan) téh bener-bener bakal datang ka maranéhna kalayan ngadadak, bari maranéhna teu nyadar.
664) Geus ditetepkeun siksaan dina poé pangwalesan di ahérat.

يَسْتَعْجِلُوْنَكَ بِالْعَذَابِۗ وَاِنَّ جَهَنَّمَ لَمُحِيْطَةٌ ۢبِالْكٰفِرِيْنَۙ٥٤
Yasta‘jilūnaka bil-‘ażāb(i), wa inna jahannama lamuḥīṭatum bil-kāfirīn(a).
[54] Maranéhna téh ménta sangkan hidep ngagancangkeun (datangna) siksaan. Sabenerna naraka Jahanam téh bener-bener ngalimpudan jalma-jalma kapir

يَوْمَ يَغْشٰىهُمُ الْعَذَابُ مِنْ فَوْقِهِمْ وَمِنْ تَحْتِ اَرْجُلِهِمْ وَيَقُوْلُ ذُوْقُوْا مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٥٥
Yauma yagsyāhumul-‘ażābu min fauqihim wa min taḥti arjulihim wa yaqūlu żūqū mā kuntum ta‘malūn(a).
[55] dina poéan (waktu) siksaan nutupan maranéhna ti luhur jeung ti handapeunana. (Allah) ngadawuh, “Pék rasakeun (wawales) kana naon nu salila ieu dilakukeun ku maranéh!”

يٰعِبَادِيَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّ اَرْضِيْ وَاسِعَةٌ فَاِيَّايَ فَاعْبُدُوْنِ٥٦
Yā ‘ibādiyal-lażīna āmanū inna arḍī wāsi‘atun fa iyyāya fa‘budūn(i).
[56] Hé hamba-hamba Kami nu iman, sabenerna bumi Kami téh lega. Mangka, prak geura nyembah ngan ka Kami wungkul!

كُلُّ نَفْسٍ ذَاۤىِٕقَةُ الْمَوْتِۗ ثُمَّ اِلَيْنَا تُرْجَعُوْنَ٥٧
Kullu nafsin żā'iqatul-maut(i), ṡumma ilainā turja‘ūn(a).
[57] Saban nu nyawaan pasti bakal ngarasakeun maot. Tuluy, ngan ka Kami maranéh mulang.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَنُبَوِّئَنَّهُمْ مِّنَ الْجَنَّةِ غُرَفًا تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ نِعْمَ اَجْرُ الْعٰمِلِيْنَۖ٥٨
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lanubawwi'annahum minal-jannati gurafan tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, ni‘ma ajrul-‘āmilīn(a).
[58] Jalma-jalma nu iman jeung nu milampah kahadéan téh bener-bener bakal ditempatkeun ku Kami dina tempat cicing nu mulya di jero sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan (jeung) aranjeunna langgeng di dinya. Éta téh panghadé-hadéna wawales pikeun jalma-jalma nu milampah amal (soléh).

الَّذِيْنَ صَبَرُوْا وَعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَ٥٩
Al-lażīna ṣabarū wa ‘alā rabbihim yatawakkalūn(a).
[59] (Nyaéta) jalma-jalma nu sabar jeung tawekal ka Pangéranana.

وَكَاَيِّنْ مِّنْ دَاۤبَّةٍ لَّا تَحْمِلُ رِزْقَهَاۖ اللّٰهُ يَرْزُقُهَا وَاِيَّاكُمْ وَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٦٠
Wa ka'ayyim min dābbatil lā taḥmilu rizqahā, allāhu yarzuquhā wa iyyākum, wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[60] Sakitu lobana sasatoan nu usik nu teu bisa ngupayakeun rejekina sorangan. Nya Allah nu maparinan rejeki ka maranéhna jeung ka aranjeun. Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ لَيَقُوْلُنَّ اللّٰهُ ۗفَاَنّٰى يُؤْفَكُوْنَ٦١
Wa la'in sa'altahum man khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa sakhkharasy-syamsa wal-qamara layaqūlunnallāh(u), fa'annā yu'fakūn(a).
[61] Lamun hidep nanya ka maranéhna, “Saha nu nyiptakeun langit jeung bumi sarta nu nundukkeun panonpoé jeung bulan?” Pasti maranéhna bakal ngajawab, “Allah.” Nya, naha atuh maranéhna téh bet beunang dibalieurkeun?

اَللّٰهُ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ وَيَقْدِرُ لَهٗ ۗاِنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ٦٢
Allāhu yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u min ‘ibādihī wa yaqdiru lah(ū), innallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[62] Allah ngalegakeun rejeki pikeun jalma nu ku Mantenna dipikersa ti antara hamba-hamba-Na jeung ngaheureutkeun (rejeki) pikeun maranéhna. Saleresna Allah Mahauninga kana sagala perkara.

وَلَىِٕنْ سَاَلْتَهُمْ مَّنْ نَّزَّلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَحْيَا بِهِ الْاَرْضَ مِنْۢ بَعْدِ مَوْتِهَا لَيَقُوْلُنَّ اللّٰهُ ۙقُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ ۗبَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْقِلُوْنَ ࣖ٦٣
Wa la'in sa'altahum man nazzala minas-samā'i mā'an fa'aḥyā bihil-arḍa mim ba‘di mautihā layaqūlunnallāh(u), qulil-ḥamdu lillāh(i), bal akṡaruhum lā ya‘qilūn(a).
[63] Lamun hidep nanya ka maranéhna, “Saha nu nurunkeun cai ti langit, tuluy ku éta (cai) téh ngahirupkeun bumi sanggeus paéh?” Pasti maranéhna bakal ngajawab, “Allah.” Pék caritakeun ku hidep, “Sadaya puji kaagungan Allah.” Mung kalolobaan maranéhna téh teu ngarti.

وَمَا هٰذِهِ الْحَيٰوةُ الدُّنْيَآ اِلَّا لَهْوٌ وَّلَعِبٌۗ وَاِنَّ الدَّارَ الْاٰخِرَةَ لَهِيَ الْحَيَوَانُۘ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ٦٤
Wa mā hāżihil-ḥayātud-dun-yā illā lahwuw wa la‘ib(un), wa innad-dāral-ākhirata lahiyal-ḥayawān(u), lau kānū ya‘lamūn(a).
[64] Ieu kahirupan dunya téh taya lian ngan wungkul heuheureuyan jeung kaulinan. Sabenerna éta nagri ahérat téh kahirupan nu sabenerna lamun mah maranéhna nyaho.

فَاِذَا رَكِبُوْا فِى الْفُلْكِ دَعَوُا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۚ فَلَمَّا نَجّٰىهُمْ اِلَى الْبَرِّ اِذَا هُمْ يُشْرِكُوْنَۙ٦٥
Fa'iżā rakibū fil-fulki da‘awullāha mukhliṣīna lahud-dīn(a), falammā najjāhum ilal-barri iżā hum yusyrikūn(a).
[65] Upama naék kana parahu, maranéhna ngadoa ka Allah kalayan pinuh ku rasa ihlas ka Mantenna. 665 Ngan, waktu Mantenna (Allah) nyalametkeun maranéhna nepi ka darat, ujug-ujug maranéhna (balik deui) ngamusrikkeun (Allah).
665) Kalayan ngamurnikeun kataatan mung ka Allah wungkul.

لِيَكْفُرُوْا بِمَآ اٰتَيْنٰهُمْۙ وَلِيَتَمَتَّعُوْاۗ فَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ٦٦
Liyakfurū bimā ātaināhum wa liyatamatta‘ū, fasaufa ya‘lamūn(a).
[66] Keun baé maranéhna ngaleuleungit ni’mat nu ku Kami geus dibikeun ka maranéhna jeung keun baé maranéhna (hirup) suka bungah (dina kakapiran). Da engké ogé maranéhna bakal nyaho (akibat kalakuanana).

اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّا جَعَلْنَا حَرَمًا اٰمِنًا وَّيُتَخَطَّفُ النَّاسُ مِنْ حَوْلِهِمْۗ اَفَبِالْبَاطِلِ يُؤْمِنُوْنَ وَبِنِعْمَةِ اللّٰهِ يَكْفُرُوْنَ٦٧
Awalam yarau annā ja‘alnā ḥaraman āminaw wa yutakhaṭṭafun-nāsu min ḥaulihim, afabil-bāṭili yu'minūna wa bini‘matillāhi yakfurūn(a).
[67] Naha maranéhna téh teu niténan yén Kami geus ngajadikeun (nagri maranéhna) tanah suci nu aman, sedengkeun manusa nu di sabudeureunana mah sering ngalaman aya nu nyulik? Naha atuh (sanggeus nyata bebeneran) maranéhna masih kénéh percaya ka nu batil jeung ingkar kana ni’mat Allah?

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا اَوْ كَذَّبَ بِالْحَقِّ لَمَّا جَاۤءَهٗ ۗ اَلَيْسَ فِيْ جَهَنَّمَ مَثْوًى لِّلْكٰفِرِيْنَ٦٨
Wa man aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każiban au każżaba bil-ḥaqqi lammā jā'ah(ū), alaisa fī jahannama maṡwal lil-kāfirīn(a).
[68] Saha nu leuwih dolim tibatan jalma nu ngaya-ngayakeun bohong ka Allah atawa jalma nu ngabohongkeun nu hak waktu éta (nu hak) téh datang ka maranéhna? 666 Apan dina jero (naraka) Jahanam téh aya tempat keur jalma-jalma kapir?
666) Ngabohongkeun risalah kanabian Nabi Muhammad Saw.

وَالَّذِيْنَ جَاهَدُوْا فِيْنَا لَنَهْدِيَنَّهُمْ سُبُلَنَاۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَمَعَ الْمُحْسِنِيْنَ ࣖ٦٩
Wal-lażīna jāhadū fīnā lanahdiyannahum subulanā, wa innallāha lama‘al-muḥsinīn(a).
[69] Jalma-jalma nu ngupayakeun kalayan suhud pikeun (néangan karidoan) Kami, pasti Kami bakal bener-bener nuduhkeun ka aranjeunna kana jalan-jalan Kami. Saleresna Allah nyarengan jalmi-jalmi nu midamel kasaéan.