Surah Al-Qasas
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
طٰسۤمّۤ١
Ṭā Sīm Mīm.
[1]
Ṭā Sīn Mīm. 641
641) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
تِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ الْمُبِيْنِ٢
Tilka āyātul-kitābil-mubīn(i).
[2]
Éta téh ayat-ayat Kitab (Al-Qur’an) nu jelas (ti Allah).
نَتْلُوْا عَلَيْكَ مِنْ نَّبَاِ مُوْسٰى وَفِرْعَوْنَ بِالْحَقِّ لِقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٣
Natlū ‘alaika min naba'i mūsā wa fir‘auna bil-ḥaqqi liqaumiy yu'minūn(a).
[3]
Kami ngabacakeun ka hidep sabagian tina kisah Musa jeung Fir’aun kalayan sabenerna pikeun kaom anu iman.
اِنَّ فِرْعَوْنَ عَلَا فِى الْاَرْضِ وَجَعَلَ اَهْلَهَا شِيَعًا يَّسْتَضْعِفُ طَاۤىِٕفَةً مِّنْهُمْ يُذَبِّحُ اَبْنَاۤءَهُمْ وَيَسْتَحْيٖ نِسَاۤءَهُمْ ۗاِنَّهٗ كَانَ مِنَ الْمُفْسِدِيْنَ٤
Inna fir‘auna ‘alā fil-arḍi wa ja‘ala ahlahā syiya‘ay yastaḍ‘ifu ṭā'ifatam minhum yużabbiḥu abnā'ahum wa yastaḥyī nisā'ahum, innahū kāna minal-mufsidīn(a).
[4]
Saenyana Fir’aun téh telenges pisan di bumi jeung ngajadikeun pangeusina paburencay. Manéhna nandasa sagolongan ti maranéhna (Bani Israél). Manéhna meuncitan budak lalakina jeung ngantep budak awéwéna sina hirup. Saenyana manéhna (Fir’aun) téh kaasup jalma-jalma anu milampah karuksakan.
وَنُرِيْدُ اَنْ نَّمُنَّ عَلَى الَّذِيْنَ اسْتُضْعِفُوْا فِى الْاَرْضِ وَنَجْعَلَهُمْ اَىِٕمَّةً وَّنَجْعَلَهُمُ الْوٰرِثِيْنَ ۙ٥
Wa nurīdu an namunna ‘alal-lażīnastuḍ‘ifū fil-arḍi wa naj‘alahum a'immataw wa naj‘alahumul-wāriṡīn(a).
[5]
Kami ngersakeun pikeun maparin kurnia ka jalma-jalma nu ditandasa di éta bumi (Mesir), ngajadikeun maranéhna pamingpin, jeung ngajadikeun maranéhna jalma-jalma anu ngawaris (bumi).
وَنُمَكِّنَ لَهُمْ فِى الْاَرْضِ وَنُرِيَ فِرْعَوْنَ وَهَامٰنَ وَجُنُوْدَهُمَا مِنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَحْذَرُوْنَ٦
Wa numakkina lahum fil-arḍi wa nuriya fir‘auna wa hāmāna wa junūdahumā minhum mā kānū yaḥżarūn(a).
[6]
Kami ogé (ngersakeun pikeun) mengkuhkeun kalungguhan maranéhna (Bani Israél) di bumi jeung némbongkeun ka Fir’aun, Haman, katut wadyabaladna naon nu sok dipikasieun ku maranéhna ti maranéhna (Bani Israél). 642
642) Fir’aun ngarasa hariwang karajaanana bakal dibinasakeun ku Bani Israél. Ku kituna, manéhna maéhan orok lalaki nu kakara borojol ti urang Bani Israél. Ieu ayat nerangkeun yén naon un dipikahariwang ku manéhna téh bakal kajadian.
وَاَوْحَيْنَآ اِلٰٓى اُمِّ مُوْسٰٓى اَنْ اَرْضِعِيْهِۚ فَاِذَا خِفْتِ عَلَيْهِ فَاَلْقِيْهِ فِى الْيَمِّ وَلَا تَخَافِيْ وَلَا تَحْزَنِيْ ۚاِنَّا رَاۤدُّوْهُ اِلَيْكِ وَجَاعِلُوْهُ مِنَ الْمُرْسَلِيْنَ٧
Wa auḥainā ilā mūsā an arḍi‘īh(i), fa'iżā khifti ‘alaihi fa'alqīhi fil yammi wa lā takhāfī wa lā taḥzanī, innā rāddūhu ilaiki wa jā‘ilūhu minal-mursalīn(a).
[7]
Kami ngailhaman ka ibuna Musa, “Pék geura susuan anjeunna (Musa). Mun anjeun sieun kana (kasalametana)-na, palidkeun baé anjeunna ka walungan (Nil dina jero peti nu ngangkleung). Anjeun ulah rék sieun jeung ulah (ogé) ngarasa nalangsa. Saenyana Kami pasti bakal mulangkeun Musa ka anjeun jeung bakal ngajadikeun anjeunna minangka salah saurang rasul.”
فَالْتَقَطَهٗٓ اٰلُ فِرْعَوْنَ لِيَكُوْنَ لَهُمْ عَدُوًّا وَّحَزَنًاۗ اِنَّ فِرْعَوْنَ وَهَامٰنَ وَجُنُوْدَهُمَا كَانُوْا خٰطِـِٕيْنَ٨
Faltaqaṭahū ālu fir‘auna liyakūna lahum ‘aduwwaw wa ḥazanā(n), inna fir‘auna wa hāmāna wa junūdahumā kānū khāṭi'īn(a).
[8]
Tuluy kulawarga Fir’aun mulung anjeunna supaya (engké) anjeunna jadi musuh jeung (nu nyababkeun) ayana pikasediheun pikeun maranéhna. Saenyana Fir’aun, Haman, katut wadyabaladna téh jalma-jalma nu salah.
وَقَالَتِ امْرَاَتُ فِرْعَوْنَ قُرَّتُ عَيْنٍ لِّيْ وَلَكَۗ لَا تَقْتُلُوْهُ ۖعَسٰٓى اَنْ يَّنْفَعَنَآ اَوْ نَتَّخِذَهٗ وَلَدًا وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ٩
Wa qālatimra'atu fir‘auna qurratu ‘ainil lī wa lak(a), lā taqtulūh(u), ‘asā ay yanfa‘anā au nattakhiżahū waladaw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[9]
Istri Fir’aun pok nyarios (ka Fir’aun), “(Ieu budak) jadi panglipur kalbu kanggo abdi sareng kanggo anjeun. Poma ulah ditelasan. Mugi-mugi baé anjeunna téh mangpaat pikeun urang, atanapi urang aku anak baé.” Maranéhna teu sadar (yén éta budak téh Musa anu bakal jadi sabab kabinasaan maranéhna).
وَاَصْبَحَ فُؤَادُ اُمِّ مُوْسٰى فٰرِغًاۗ اِنْ كَادَتْ لَتُبْدِيْ بِهٖ لَوْلَآ اَنْ رَّبَطْنَا عَلٰى قَلْبِهَا لِتَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ١٠
Wa aṣbaḥa fu'ādu ummi mūsā fārigā(n), in kādat latubdī bihī lau lā ar rabaṭnā ‘alā qalbihā litakūna minal-mu'minīn(a).
[10]
Haté ibuna Musa jadi ringrang. 643 Saenyana ampir baé anjeunna téh ngabalakakeun (yén éta budak téh putrana), lamun seug Kami teu nguatan haténa sangkan anjeunna kaasup jalma-jalma anu iman (kana jangji Allah).
643) Saenggeus indungna Musa malidkeun Musa di walungan Nil, nya anjeunna ngaraos hanjakal sareng mangmang dina haténa lantaran ngahariwangkeun kana kasalametan Musa, dugikeun anjeunna ampir-ampiran ngagorowok nyuhunkeun tulung ka jalma séjén pikeun nyandak deui putrana, nu bisa ngabalukarkeun kabukana rasiah yén Musa téh putrana nyalira.
وَقَالَتْ لِاُخْتِهٖ قُصِّيْهِۗ فَبَصُرَتْ بِهٖ عَنْ جُنُبٍ وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ ۙ١١
Wa qālat li'ukhtihī quṣṣīh(i), fabaṣurat bihī ‘an junubiw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[11]
Ibuna Musa nyarios ka dulur Musa anu awéwé, “Cing paluruh éta budak téh.” Tuluy aranjeunna nyérangkeun Musa ti kajauhan, sedengkeun maranéhna (kulawarga Fir’aun) mah teu sadar.
۞ وَحَرَّمْنَا عَلَيْهِ الْمَرَاضِعَ مِنْ قَبْلُ فَقَالَتْ هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلٰٓى اَهْلِ بَيْتٍ يَّكْفُلُوْنَهٗ لَكُمْ وَهُمْ لَهٗ نٰصِحُوْنَ١٢
Wa ḥarramnā ‘alaihil-marāḍi‘a min qablu faqālat hal adullukum ‘alā ahli baitiy yakfulūnahū lakum wa hum lahū nāṣiḥūn(a).
[12]
Kami nyegah anjeunna (Musa) pikeun nyusu ka awéwé-awéwé nu rék nyusuan (anjeunna) saméméh (mulang ka ibuna). Nya pok dulur Musa nu awéwé téh nyarita, “Naha peryogi kuring nuduhkeun ka aranjeun hiji kulawarga nu bisa miara éta budak keur aranjeun sarta aranjeunna bakal milampah saé ka anjeunna?”
فَرَدَدْنٰهُ اِلٰٓى اُمِّهٖ كَيْ تَقَرَّ عَيْنُهَا وَلَا تَحْزَنَ وَلِتَعْلَمَ اَنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ ࣖ١٣
Faradadnāhu ilā ummihī kai taqarra ‘ainuhā wa lā taḥzana wa lita‘lama anna wa‘dallāhi ḥaqquw wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[13]
Tuluy Kami mulangkeun Musa ka ibuna supaya haténa bungah jeung teu nalangsa, sarta sangkan anjeunna terangeun yén jangji Allah téh bener, tapi kalolobaan maranéhna mah teu nyahoeun.
وَلَمَّا بَلَغَ اَشُدَّهٗ وَاسْتَوٰىٓ اٰتَيْنٰهُ حُكْمًا وَّعِلْمًاۗ وَكَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ١٤
Wa lammā balaga asyuddahū wastawā ātaināhu ḥukmaw wa ‘ilmā(n), wa każālika najzil-muḥsinīn(a).
[14]
Sabada Musa balég sareng sampurna akalna, Kami ngurniakeun ka anjeunna hikmah jeung élmu pangaweruh. Tah kitu Kami maparin wawales ka jalma-jalma nu milampah kahadéan.
وَدَخَلَ الْمَدِيْنَةَ عَلٰى حِيْنِ غَفْلَةٍ مِّنْ اَهْلِهَا فَوَجَدَ فِيْهَا رَجُلَيْنِ يَقْتَتِلٰنِۖ هٰذَا مِنْ شِيْعَتِهٖ وَهٰذَا مِنْ عَدُوِّهٖۚ فَاسْتَغَاثَهُ الَّذِيْ مِنْ شِيْعَتِهٖ عَلَى الَّذِيْ مِنْ عَدُوِّهٖ ۙفَوَكَزَهٗ مُوْسٰى فَقَضٰى عَلَيْهِۖ قَالَ هٰذَا مِنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ عَدُوٌّ مُّضِلٌّ مُّبِيْنٌ١٥
Wa dakhalal-madīnata ‘alā ḥīni gaflatim min ahlihā fawajada fīhā rajulaini yaqtatilān(i), hāżā min syī‘atihī wa hāżā min ‘aduwwih(ī), fastagāṡahul-lażī min syī‘atihī ‘alal-lażī min ‘aduwwih(ī), fawakazahū mūsā faqaḍā ‘alaih(i), qāla hāżā min ‘amalisy-syaiṭān(i), innahū ‘aduwwum muḍillum mubīn(un).
[15]
Musa lebet ka kota waktu pangeusina keur bongoh. Anjeunna mendakan di lebet éta kota aya dua lalaki keur gelut. Anu saurang ti golonganana (Bani Israél) jeung anu saurang (deui) ti golongan musuhna (kaom Fir’aun). Jalma nu ti golongan anjeunna téh ménta tulung ka anjeunna pikeun (ngéléhkeun) jalma nu ti golongan musuhna. Musa tuluy neunggeul manéhna jeung (teu kahaja) maéhanana. Pok Musa nyarios, “Ieu téh kaasup pagawéan sétan. 644 Saenyana manéhna téh musuh nu nyata-nyata nyasarkeun.”
644) Musa ngaraos hanjakal yén éta jalma téh maot ku lantaran diteunggeul ku anjeunna, padahal anjeunna taya maksud pikeun maéhanana, tapi ngan ukur mélaan kaomna wungkul.
قَالَ رَبِّ اِنِّيْ ظَلَمْتُ نَفْسِيْ فَاغْفِرْ لِيْ فَغَفَرَ لَهٗ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ١٦
Qāla rabbi innī ẓalamtu nafsī fagfir lī fagafara lah(ū), innahū huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[16]
Musa ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi téh parantos ngadoliman diri abdi, mangka hapunten abdi.” Allah lajeng ngahapunten anjeunna. Saleresna Mantenna téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
قَالَ رَبِّ بِمَآ اَنْعَمْتَ عَلَيَّ فَلَنْ اَكُوْنَ ظَهِيْرًا لِّلْمُجْرِمِيْنَ١٧
Qāla rabbi bimā an‘amta ‘alayya falan akūna ẓahīral lil-mujrimīn(a).
[17]
Musa nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, ku ni’mat anu parantos dinugrahakeun ku Gusti ka abdi, (aping abdi) dugi ka abdi moal janten jalmi nu nulungan jalma-jalma nu doraka.”
فَاَصْبَحَ فِى الْمَدِيْنَةِ خَاۤىِٕفًا يَّتَرَقَّبُ فَاِذَا الَّذِى اسْتَنْصَرَهٗ بِالْاَمْسِ يَسْتَصْرِخُهٗ ۗقَالَ لَهٗ مُوْسٰٓى اِنَّكَ لَغَوِيٌّ مُّبِيْنٌ١٨
Fa'aṣbaḥa fil-madīnati khā'ifay yataraqqabu fa'iżal-lażistanṣarahū bil-amsi yastaṣrikhuh(ū), qāla lahū mūsā innaka lagawiyyum mubīn(un).
[18]
Ku éta (kajadian), Musa téh janten hariwang ayana di kota bari ngantosan (akibat tina naon anu dipilampahna). Ujug-ujug jalma nu kamari ménta tulung ka anjeunna téh ngagorowok ménta tulung deui ka anjeunna. Musa nyarios ka manéhna, “Saenyana manéh téh jalma nu nyata-nyata sasar.”
فَلَمَّآ اَنْ اَرَادَ اَنْ يَّبْطِشَ بِالَّذِيْ هُوَ عَدُوٌّ لَّهُمَاۙ قَالَ يٰمُوْسٰٓى اَتُرِيْدُ اَنْ تَقْتُلَنِيْ كَمَا قَتَلْتَ نَفْسًاۢ بِالْاَمْسِۖ اِنْ تُرِيْدُ اِلَّآ اَنْ تَكُوْنَ جَبَّارًا فِى الْاَرْضِ وَمَا تُرِيْدُ اَنْ تَكُوْنَ مِنَ الْمُصْلِحِيْنَ١٩
Falammā an arāda ay yabṭisya bil-lażī huwa ‘aduwwul lahumā, qāla yā mūsā aturīdu an taqtulanī kamā qatalta nafsam bil-ams(i), in turīdu illā an takūna jabbāran fil-arḍi wa mā turīdu an takūna minal-muṣliḥīn(a).
[19]
Waktu Musa tos badé neunggeul jalma nu jadi musuh anjeunna duaan, musuhna pok nyarita, “Hé Musa, naha anjeun boga maksud rék maéhan kuring sakumaha anjeun geus maéhan hiji jalma kamari? Anjeun téh ngan boga maksud jadi jalma nu sawenang-wenang di nagri (ieu) jeung teu boga maksud jadi salah sahiji ti antara jalma-jalma nu mawa kamaslahatan.”
وَجَاۤءَ رَجُلٌ مِّنْ اَقْصَى الْمَدِيْنَةِ يَسْعٰىۖ قَالَ يٰمُوْسٰٓى اِنَّ الْمَلَاَ يَأْتَمِرُوْنَ بِكَ لِيَقْتُلُوْكَ فَاخْرُجْ اِنِّيْ لَكَ مِنَ النّٰصِحِيْنَ٢٠
Wa jā'a rajulum min aqṣal-madīnati yas‘ā, qāla yā mūsā innal-mala'a ya'tamirūna bika liyaqtulūka fakhruj innī laka minan-nāṣiḥīn(a).
[20]
Jol hiji lalaki datang rurusuhan ti tungtung kota bari nyarita, “Hé Musa, saenyana para gegedén nagri keur badami ngeunaan anjeun pikeun maéhan anjeun. Mangka, (anjeun kudu buru-buru) kaluar (ti ieu kota). Sabenerna kuring téh kaasup jalma-jalma anu nganaséhatan ka anjeun.”
فَخَرَجَ مِنْهَا خَاۤىِٕفًا يَّتَرَقَّبُ ۖقَالَ رَبِّ نَجِّنِيْ مِنَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ ࣖ٢١
Fakharaja minhā khā'ifay yataraqqab(u), qāla rabbi najjinī minal-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[21]
Nya, bral Musa téh kaluar ti éta kota kalayan pinuh ku kahariwang bari taki-taki. Anjeunna ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti nyalametkeun abdi ti kaom anu dolim.”
وَلَمَّا تَوَجَّهَ تِلْقَاۤءَ مَدْيَنَ قَالَ عَسٰى رَبِّيْٓ اَنْ يَّهْدِيَنِيْ سَوَاۤءَ السَّبِيْلِ٢٢
Wa lammā tawajjaha tilqā'a madyana qāla ‘asā rabbī ay yahdiyanī sawā'as-sabīl(i).
[22]
Waktu Musa ngajugjug ka lebah Nagri Madyan, anjeunna ngadoa, “Mugi Pangéran abdi ngaping abdi ka jalan anu leres.”
وَلَمَّا وَرَدَ مَاۤءَ مَدْيَنَ وَجَدَ عَلَيْهِ اُمَّةً مِّنَ النَّاسِ يَسْقُوْنَ ەۖ وَوَجَدَ مِنْ دُوْنِهِمُ امْرَاَتَيْنِ تَذُوْدٰنِۚ قَالَ مَا خَطْبُكُمَا ۗقَالَتَا لَا نَسْقِيْ حَتّٰى يُصْدِرَ الرِّعَاۤءُ وَاَبُوْنَا شَيْخٌ كَبِيْرٌ٢٣
Wa lammā warada mā'a madyana wajada ‘alaihi ummatam minan-nāsi yasqūn(a), wa wajada min dūnihimumra'ataini tażūdān(i), qāla mā khaṭbukumā, qālatā lā nasqī ḥattā yuṣdirar-ri‘ā'u wa abūnā syaikhun kabīr(un).
[23]
Waktu nepi ka sumber cai nagri Madyan, anjeunna papanggih jeung sakumpulan jalma nu keur méré nginum (ingon-ingonna) jeung anjeunna papanggih jeung dua wanoja di tukangeunana nu keur ngagebahkeun (ingon-ingonna ti sumber cai). Musa nyarios, “Naon maksad aranjeun (midamel padamelan samodél kitu)?” Éta dua (wanoja) ngajawab, “Abdi duaan téh teu acan waka tiasa méré nginum (ingon-ingon abdi), sateuacan éta nu ngarangon mawa mulang (ingon-ingonna), sedengkeun pun bapa téh jalmi nu parantos sepuh pisan.”
فَسَقٰى لَهُمَا ثُمَّ تَوَلّٰىٓ اِلَى الظِّلِّ فَقَالَ رَبِّ اِنِّيْ لِمَآ اَنْزَلْتَ اِلَيَّ مِنْ خَيْرٍ فَقِيْرٌ٢٤
Fasaqā lahumā ṡumma tawallā ilaẓ-ẓilli faqāla rabbi innī limā anzalta ilayya min khairin faqīr(un).
[24]
Nya, Musa méré nginum (ingon-ingon) éta dua wanoja. Anjeunna teras ngalih ka tempat nu iuh, sarta pok ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi téh peryogi pisan ku kasaéan (rejeki) nu ku Gusti dilungsurkeun ka abdi.”
فَجَاۤءَتْهُ اِحْدٰىهُمَا تَمْشِيْ عَلَى اسْتِحْيَاۤءٍ ۖقَالَتْ اِنَّ اَبِيْ يَدْعُوْكَ لِيَجْزِيَكَ اَجْرَ مَا سَقَيْتَ لَنَاۗ فَلَمَّا جَاۤءَهٗ وَقَصَّ عَلَيْهِ الْقَصَصَۙ قَالَ لَا تَخَفْۗ نَجَوْتَ مِنَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٢٥
Fajā'athu iḥdāhumā tamsyī ‘alastiḥyā'(in), qālat inna abī yad‘ūka liyajziyaka ajra mā saqaita lanā, falammā jā'ahū wa qaṣṣa ‘alaihil-qaṣaṣ(a), qāla lā takhaf, najauta minal-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[25]
Tuluy, jol salah saurang ti dua wanoja téh datang ka Musa, bari leumpang semu isineun. Anjeunna nyarios, “Saleresna pun bapa téh ngahaturanan salira supados tiasa masihan wawales minangka buruhna tina (kahadéan) salira nu méré nginum (ingon-ingon) abdi sadaya.” Waktu Musa tos sumping ka anjeunna (bapana éta wanoja téa) sareng nyarioskeun ka anjeunna kisah (dirina), bapana éta wanoja nyarios, “Anjeun entong hariwang! Anjeun geus salamet ti éta jalma-jalma nu dolim.”
قَالَتْ اِحْدٰىهُمَا يٰٓاَبَتِ اسْتَأْجِرْهُ ۖاِنَّ خَيْرَ مَنِ اسْتَأْجَرْتَ الْقَوِيُّ الْاَمِيْنُ٢٦
Qālat iḥdāhumā yā abatista'jirh(u), inna khaira manista'jartal-qawiyyul-amīn(u).
[26]
Salah saurang ti éta dua (wanoja) nyarita, “Nun bapa, piwarang damel baé atuh anjeunna. Saleresna pangsaé-saéna jalmi nu didamelkeun ku bapa téh jalmi nu kuat sareng tiasa dipercanten.”
قَالَ اِنِّيْٓ اُرِيْدُ اَنْ اُنْكِحَكَ اِحْدَى ابْنَتَيَّ هٰتَيْنِ عَلٰٓى اَنْ تَأْجُرَنِيْ ثَمٰنِيَ حِجَجٍۚ فَاِنْ اَتْمَمْتَ عَشْرًا فَمِنْ عِنْدِكَۚ وَمَآ اُرِيْدُ اَنْ اَشُقَّ عَلَيْكَۗ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ٢٧
Qāla innī urīdu an unkiḥaka iḥdabnatayya hātaini ‘alā an ta'juranī ṡamāniya ḥijaj(in), fa'in atmamta ‘asyran famin ‘indik(a), wa mā urīdu an asyuqqa ‘alaik(a), satajidunī in syā'allāhu minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[27]
Anjeunna (Séh Madyan) nyarios, “Saenyana kami boga maksud tikahkeun anjeun ka salah saurang ti éta dua anak awéwé kami kalayan katangtuan yén anjeun digawé di kami salila dalapan taun. Lamun anjeun nyampurnakeun nepi ka sapuluh taun, éta (hiji kahadéan) ti anjeun. Kami teu boga maksud rék ngabeuratkeun ka anjeun. Insya Allah anjeun bakal nganyahokeun yén kami téh kaasup jalma nu hadé.”
قَالَ ذٰلِكَ بَيْنِيْ وَبَيْنَكَۗ اَيَّمَا الْاَجَلَيْنِ قَضَيْتُ فَلَا عُدْوَانَ عَلَيَّ ۗوَاللّٰهُ عَلٰى مَا نَقُوْلُ وَكِيْلٌ ࣖ٢٨
Qāla żālika bainī wa bainak(a), ayyamal-ajalaini qaḍaitu falā ‘udwāna ‘alayy(a), wallāhu ‘alā mā naqūlu wakīl(un).
[28]
Musa nyarios, “Éta (jangji) téh antawis abdi sareng salira. Mana baé ti antawis dua waktos nu ditangtoskeun éta ku abdi disampurnakeun, nya taya tungtunan (deui) kanggo diri abdi mah. Allah nu janten saksi kana naon nu dicarioskeun ku urang.”
۞ فَلَمَّا قَضٰى مُوْسَى الْاَجَلَ وَسَارَ بِاَهْلِهٖٓ اٰنَسَ مِنْ جَانِبِ الطُّوْرِ نَارًاۗ قَالَ لِاَهْلِهِ امْكُثُوْٓا اِنِّيْٓ اٰنَسْتُ نَارًا لَّعَلِّيْٓ اٰتِيْكُمْ مِّنْهَا بِخَبَرٍ اَوْ جَذْوَةٍ مِّنَ النَّارِ لَعَلَّكُمْ تَصْطَلُوْنَ٢٩
Falammā qaḍā mūsal-ajala wa sāra bi'ahlihī ānasa min jānibiṭ-ṭūri nārā(n), qāla li'ahlihimkuṡū innī ānastu nāral la‘allī ātīkum minhā bikhabarin au jażwatim minan-nāri la‘allakum taṣṭalūn(a).
[29]
Nya, waktu Musa tos ngaréngsékeun waktu nu ditangtukeun téa, teras angkat sareng garwana. Anjeunna ningal seuneu di lamping gunung. 645 Anjeunna nyarios ka kulawargana, “Tungguan (di dieu). Saenyana kami ningali seuneu. Muga-muga baé kami bakal mawa hiji béja keur aranjeun ti (tempat) éta seuneu atawa (mawa) silalatuna tina seuneu sangkan aranjeun bisa siduru.”
645) Sanggeusna Musa a.s. nohonan jangji ka mitohana, Séh Madyan, nya anjeunna jeung kulawargana téh terus babarengan angkat bari nyandak sababaraha embé nu dipaparin ti mitohana, nya dina hiji peuting nu poék jeung tiris, Musa dugi ka hiji tempat, tapi unggal anjeunna rék ngahurungkeun seuneu, korékna teu daék hurung. Musa ngarasa héran ku éta perkara, nya anjeunna teras nyarios ka garwana sakumaha nu disebutkeun dina ayat 29.
فَلَمَّآ اَتٰىهَا نُوْدِيَ مِنْ شَاطِئِ الْوَادِ الْاَيْمَنِ فِى الْبُقْعَةِ الْمُبٰرَكَةِ مِنَ الشَّجَرَةِ اَنْ يّٰمُوْسٰىٓ اِنِّيْٓ اَنَا اللّٰهُ رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ ۙ٣٠
Falammā atāhā nūdiya min syāṭi'il wādil aimani fil buq‘atil mubārakati minasy syajarati ay yā mūsā innī anallāhu rabbul-‘ālamīn(a).
[30]
Mangka, waktu ngadatangan éta (seuneu), Musa digero ti sisi léngkob beulah katuhueun (Musa) ti palebah tangkal nu tumuwuh di hiji lahan nu diberkahan. “Hé Musa, saenyana Kami téh Allah, Pangéran sakumna alam. 646
646) Di éta tempat jeung harita pisan, Nabi Musa a.s. ngawitan diangkat jadi rasul.
وَاَنْ اَلْقِ عَصَاكَ ۗفَلَمَّا رَاٰهَا تَهْتَزُّ كَاَنَّهَا جَاۤنٌّ وَّلّٰى مُدْبِرًا وَّلَمْ يُعَقِّبْۗ يٰمُوْسٰىٓ اَقْبِلْ وَلَا تَخَفْۗ اِنَّكَ مِنَ الْاٰمِنِيْنَ٣١
Wa alqi ‘aṣāk(a), falammā ra'āhā tahtazzu ka'annahā jānnuw wallā mudbiraw wa lam yu‘aqqib, yā mūsā aqbil wa lā takhaf, innaka minal-āminīn(a).
[31]
Pék alungkeun iteuk hidep!” Nya, barang Musa ningali éta iteuk luar-léor jiga oray leutik nu lingas, anjeunna lumpat malik ka tukang teu nolih deui. (Allah ngadawuh), “Hé Musa, ka dieu jeung entong sieun-sieun! Saenyana hidep kaasup jalma-jalma nu aman.
اُسْلُكْ يَدَكَ فِيْ جَيْبِكَ تَخْرُجْ بَيْضَاۤءَ مِنْ غَيْرِ سُوْۤءٍ ۖوَّاضْمُمْ اِلَيْكَ جَنَاحَكَ مِنَ الرَّهْبِ فَذٰنِكَ بُرْهَانٰنِ مِنْ رَّبِّكَ اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمًا فٰسِقِيْنَ٣٢
Usluk yadaka fī jaibika takhruj baiḍā'a min gairi sū'(in), waḍmum ilaika janāḥaka minar-rahbi fażānika burhānāni mir rabbika ilā fir‘auna wa mala'ih(ī), innahum kānū qauman fāsiqīn(a).
[32]
Asupkeun leungeun hidep kana kerah baju hidep, éta leungeun bakal kaluar (dina kaayaan cahayaan) bodas, lain lantaran cacad. Rapetkeun leungeun hidep kana dada mun hidep sieun mah. Éta téh dua rupa mujijat ti Pangéran hidep (nu bakal ditémbongkeun ku hidep) ka Fir’aun katut para gegedénna. Saenyana maranéhna téh jalma-jalma pasék.”
قَالَ رَبِّ اِنِّيْ قَتَلْتُ مِنْهُمْ نَفْسًا فَاَخَافُ اَنْ يَّقْتُلُوْنِ٣٣
Qāla rabbi innī qataltu minhum nafsan fa'akhāfu ay yaqtulūn(i).
[33]
Musa nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi téh parantos maéhan hiji jalmi ti antara maranéhna, janten abdi téh ngaraos sieun maranéhna maéhan abdi.
وَاَخِيْ هٰرُوْنُ هُوَ اَفْصَحُ مِنِّيْ لِسَانًا فَاَرْسِلْهُ مَعِيَ رِدْءًا يُّصَدِّقُنِيْٓ ۖاِنِّيْٓ اَخَافُ اَنْ يُّكَذِّبُوْنِ٣٤
Wa akhī hārūnu huwa afṣaḥu minnī lisānan fa'arsilhu ma‘iya rid'ay yuṣaddiqunī, innī akhāfu ay yukażżibūn(i).
[34]
Sedengkeun dulur abdi, Harun, anjeunna langkung paséh létahna tibatan abdi. 647 Mangka, mugi tiasa diutus baé anjeunna nyarengan abdi minangka nu mantuan abdi pikeun ngalereskeun (cariosan) abdi. Saenyana abdi téh sieun maranéhna ngabohongkeun abdi.”
647) Nabi Musa a.s. di sagigireun ngarasa sieun ku Fir’aun, ogé rumaos kirang lancar dina nyarios mayunan Fir’aun. Nya anjeunna nyuhunkeun ka Allah pikeun ogé ngutus Nabi Harun a.s. anu langkung lancar nyariosna keur maturan anjeunna.
قَالَ سَنَشُدُّ عَضُدَكَ بِاَخِيْكَ وَنَجْعَلُ لَكُمَا سُلْطٰنًا فَلَا يَصِلُوْنَ اِلَيْكُمَا ۛبِاٰيٰتِنَا ۛ اَنْتُمَا وَمَنِ اتَّبَعَكُمَا الْغٰلِبُوْنَ٣٥
Qāla sanasyuddu ‘aḍudaka bi'akhīka wa naj‘alu lakumā sulṭānan falā yaṣilūna ilaikumā - bi'āyātinā - antumā wa manittaba‘akumal-gālibūn(a).
[35]
Allah ngadawuh, “Kami bakal mengkuhkeun hidep jeung dulur hidep jeung Kami bakal méré hujah (mujijat) ka hidep duaan. Mangka, maranéhna moal bisa ngahontal ka hidep duaan. (Bral geura miang hidep duaan) bari mawa mujijat Kami. Hidep duaan jeung jalma nu nuturkeun hidep éta téh nu bakal unggul.”
فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ مُّوْسٰى بِاٰيٰتِنَا بَيِّنٰتٍ قَالُوْا مَا هٰذَآ اِلَّا سِحْرٌ مُّفْتَرًىۙ وَّمَا سَمِعْنَا بِهٰذَا فِيْٓ اٰبَاۤىِٕنَا الْاَوَّلِيْنَ٣٦
Falammā jā'ahum mūsā bi'āyātinā bayyinātin qālū mā hāżā illā siḥrum muftarā(n), wa mā sami‘nā bihāżā fī ābā'inal-awwalīn(a).
[36]
Waktu Musa ngadatangan maranéhna (Fir’aun jeung kaomna) bari (mawa) mujijat Kami nu nyata, maranéhna nyarita, “Ieu mah mung sihir anu dijieun-jieun jeung kuring saréréa teu kungsi ngadéngé ieu (panggero) ti karuhun-karuhun kuring saréréa baheula.”
وَقَالَ مُوْسٰى رَبِّيْٓ اَعْلَمُ بِمَنْ جَاۤءَ بِالْهُدٰى مِنْ عِنْدِهٖ وَمَنْ تَكُوْنُ لَهٗ عَاقِبَةُ الدَّارِۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الظّٰلِمُوْنَ٣٧
Wa qāla mūsā rabbī a‘lamu biman jā'a bil-hudā min ‘indihī wa man takūnu lahū ‘āqibatud-dār(i), innahū lā yufliḥuẓ-ẓālimūn(a).
[37]
Musa ngajawab, “Pangéran kuring langkung uninga ka saha baé nu (pantes) mawa pituduh ti mungguhing Mantenna jeung saha nu bakal meunang panganggeusan (nu hadé) di ahérat. Saenyana jalma-jalma dolim mah moal untung.”
وَقَالَ فِرْعَوْنُ يٰٓاَيُّهَا الْمَلَاُ مَا عَلِمْتُ لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرِيْۚ فَاَوْقِدْ لِيْ يٰهَامٰنُ عَلَى الطِّيْنِ فَاجْعَلْ لِّيْ صَرْحًا لَّعَلِّيْٓ اَطَّلِعُ اِلٰٓى اِلٰهِ مُوْسٰىۙ وَاِنِّيْ لَاَظُنُّهٗ مِنَ الْكٰذِبِيْنَ٣٨
Wa qāla fir‘aunu yā ayyuhal-mala'u mā ‘alimtu lakum min ilāhin gairī, fa'auqid lī yā hāmānu ‘alaṭ-ṭīni faj‘al lī ṣarḥal la‘allī aṭṭali‘u ilā ilāhi mūsā, wa innī la'aẓunnuhū minal-kāżibīn(a).
[38]
Fir’aun nyarita, “Hé para gegedén, kami mah teu nyaho aya Pangéran pikeun maranéh salian ti kami. Hé Haman, pék beuleum taneuh liket pikeun kami (keur nyieun batu bata), tuluy jieun wangunan nu luhur keur kami sangkan kami bisa naék jeung nénjo Pangéranana Musa! Saenyana kami mah yakin yén manéhna téh tukang bohong.”
وَاسْتَكْبَرَ هُوَ وَجُنُوْدُهٗ فِى الْاَرْضِ بِغَيْرِ الْحَقِّ وَظَنُّوْٓا اَنَّهُمْ اِلَيْنَا لَا يُرْجَعُوْنَ٣٩
Wastakbara huwa wa judūduhū fil-arḍi bigairil-ḥaqqi wa ẓannū annahum ilainā lā yurja‘ūn(a).
[39]
Fir’aun jeung wadyabaladna téh kacida sombongna di bumi tanpa (alesan nu) bener. Maranéhna nganggap yén saenyana maranéhna téh moal dipulangkeun ka Kami.
فَاَخَذْنٰهُ وَجُنُوْدَهٗ فَنَبَذْنٰهُمْ فِى الْيَمِّ ۚفَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الظّٰلِمِيْنَ٤٠
Fa'akhażnāhu wa junūdahū fanabażnāhum fil-yamm(i), fanẓur kaifa kāna ‘āqibatuẓ-ẓālimīn(a).
[40]
Kami ngahukum Fir’aun jeung wadyabaladna. Kami neuleumkeun maranéhna ka jero laut. Pék tengetan, kumaha tungtungna jalma-jalma nu dolim téh.
وَجَعَلْنٰهُمْ اَىِٕمَّةً يَّدْعُوْنَ اِلَى النَّارِۚ وَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ لَا يُنْصَرُوْنَ٤١
Wa ja‘alnāhum a'immatay yad‘ūna ilan-nār(i), wa yaumal-qiyāmati lā yunṣarūn(a).
[41]
Kami ngajadikeun Fir’aun jeung wadyabaladna téh para pamingpin nu ngajak (manusa) ka naraka. Dina Poé Kiamat maranéhna téh moal ditulungan.
وَاَتْبَعْنٰهُمْ فِيْ هٰذِهِ الدُّنْيَا لَعْنَةً ۚوَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ هُمْ مِّنَ الْمَقْبُوْحِيْنَ ࣖ٤٢
Wa atba‘nāhum fī hāżihid-dun-yā la‘nah(tan), wa yaumal-qiyāmati hum minal-maqbūḥīn(a).
[42]
Kami mangnuturkeun la’nat ka maranéhna di dunya ieu jeung dina Poé Kiamat maranéhna kaasup jalma-jalma nu dijauhkeun (tina rahmat Allah).
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ مِنْۢ بَعْدِ مَآ اَهْلَكْنَا الْقُرُوْنَ الْاُوْلٰى بَصَاۤىِٕرَ لِلنَّاسِ وَهُدًى وَّرَحْمَةً لَّعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ٤٣
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba mim ba‘di mā ahlaknal-qurūnal ūlā baṣā'ira lin-nāsi wa hudaw wa raḥmatal la‘allahum yatażakkarūn(a).
[43]
Kami bener-bener ngurniakeun Kitab (Torét) ka Musa sanggeus Kami ngabinasakeun generasi nu ti heula pikeun obor keur manusa jeung pituduh sarta rahmat, sangkan maranéhna meunang atikan.
وَمَا كُنْتَ بِجَانِبِ الْغَرْبِيِّ اِذْ قَضَيْنَآ اِلٰى مُوْسَى الْاَمْرَ وَمَا كُنْتَ مِنَ الشّٰهِدِيْنَ ۙ٤٤
Wa mā kunta bijānibil-garbiyyi iż qaḍainā ilā mūsal-amra wa mā kunta minasy-syāhidīn(a).
[44]
Hidep (Muhammad) teu aya di palebah kulon (léngkob suci Tuwa) waktu Kami nepikeun risalah ka Musa. Hidep henteu (ogé) kaasup jalma-jalma anu nyaksian (éta kajadian).
وَلٰكِنَّآ اَنْشَأْنَا قُرُوْنًا فَتَطَاوَلَ عَلَيْهِمُ الْعُمُرُۚ وَمَا كُنْتَ ثَاوِيًا فِيْٓ اَهْلِ مَدْيَنَ تَتْلُوْا عَلَيْهِمْ اٰيٰتِنَاۙ وَلٰكِنَّا كُنَّا مُرْسِلِيْنَ٤٥
Wa lākinnā ansya'nā qurūnan fataṭāwala ‘alaihimul-‘umur(u), wa mā kunta ṡāwiyan fī ahli madyana tatlū ‘alaihim āyātinā, wa lākinnā kunnā mursilīn(a).
[45]
Tapi, Kami geus nyiptakeun sababaraha umat jeung geus kaliwat pikeun maranéhna umur nu panjang. Hidep teu kungsi ogé cicing babarengan jeung urang Madyan, (nepi ka bisa) mangmacakeun ayat-ayat Kami ka maranéhna. Tapi, nya Kami nu ngutus (para rasul).
وَمَا كُنْتَ بِجَانِبِ الطُّوْرِ اِذْ نَادَيْنَا وَلٰكِنْ رَّحْمَةً مِّنْ رَّبِّكَ لِتُنْذِرَ قَوْمًا مَّآ اَتٰىهُمْ مِّنْ نَّذِيْرٍ مِّنْ قَبْلِكَ لَعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ٤٦
Wa mā kunta bijānibiṭ-ṭūri iż nādainā wa lākir raḥmatam mir rabbika litunżira qaumam mā atāhum min nażīrim min qablika la‘allahum yatażakkarūn(a).
[46]
Hidep ogé teu aya nyaketan Gunung (Sinéi) waktu Kami ngageroan (Musa) téh. Tapi, (hidep terang éta téh ngan wungkul lantaran) rahmat ti Pangéran hidep sangkan hidep méré pépéling ka kaom nu can kungsi kadatangan ku nu méré pépéling saméméh hidep sangkan maranéhna meunang atikan.
وَلَوْلَآ اَنْ تُصِيْبَهُمْ مُّصِيْبَةٌ ۢبِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْ فَيَقُوْلُوْا رَبَّنَا لَوْلَآ اَرْسَلْتَ اِلَيْنَا رَسُوْلًا فَنَتَّبِعَ اٰيٰتِكَ وَنَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ٤٧
Wa lau lā an tuṣībahum muṣībatum bimā qaddamat aidīhim fayaqūlū rabbanā lau lā arsalta ilainā rasūlan fanattabi‘a āyātika wa nakūna minal-mu'minīn(a).
[47]
Lamun mah waktu maranéhna ditibanan siksaan ku lantaran naon anu ku maranéhna dipilampah, maranéhna henteu nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, naha Gusti téh bet henteu ngutus saurang rasul ka abdi sadaya sangkan abdi sadaya nuturkeun ayat-ayat Gusti sareng kalebet jalmi mu’min?” (Mangka, moal aya pisan rasul nu diutus).
فَلَمَّا جَاۤءَهُمُ الْحَقُّ مِنْ عِنْدِنَا قَالُوْا لَوْلَآ اُوْتِيَ مِثْلَ مَآ اُوْتِيَ مُوْسٰىۗ اَوَلَمْ يَكْفُرُوْا بِمَآ اُوْتِيَ مُوْسٰى مِنْ قَبْلُۚ قَالُوْا سِحْرٰنِ تَظٰهَرَاۗ وَقَالُوْٓا اِنَّا بِكُلٍّ كٰفِرُوْنَ٤٨
Falammā jā'ahumul-ḥaqqu min ‘indinā qālū lau lā ūtiya miṡla mā ūtiya mūsā, awalam yakfurū bimā ūtiya mūsā min qabl(u), qālū siḥrāni taẓāharā, wa qālū innā bikullin kāfirūn(a).
[48]
Waktu geus datang ka maranéhna bebeneran (Al-Qur’an) ti mungguhing Kami, maranéhna nyarita, “Naha geuning manéhna (Muhammad) henteu dibéré (mujijat) sakumaha nu geus dipaparinkeun ka Musa?” Apan maranéhna téh geus ingkar kana naon anu dipaparinkeun ka Musa baheula? Maranéhna baheula nyarita, “(Al-Qur’an jeung Torét téh) dua (kitab) sihir nu silih kuatkeun.” Maranéhna ogé nyarita, “Sabenerna kuring saréréa ingkar kana duanana.”
قُلْ فَأْتُوْا بِكِتٰبٍ مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ هُوَ اَهْدٰى مِنْهُمَآ اَتَّبِعْهُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٤٩
Qul fa'tū bikitābim min ‘indillāhi huwa ahdā minhumā attabi‘hu in kuntum ṣādiqīn(a).
[49]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Datangkeun ku aranjeun hiji kitab ti mungguhing Allah nu leuwih loba méré pituduhna tibatan duanana (Torét jeung Al-Qur’an), tangtu kuring bakal nuturkeunna, lamun aranjeun jalma-jalma bener mah.”
فَاِنْ لَّمْ يَسْتَجِيْبُوْا لَكَ فَاعْلَمْ اَنَّمَا يَتَّبِعُوْنَ اَهْوَاۤءَهُمْۗ وَمَنْ اَضَلُّ مِمَّنِ اتَّبَعَ هَوٰىهُ بِغَيْرِ هُدًى مِّنَ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ ࣖ٥٠
Fa illam yastajībū laka fa‘lam annamā yattabi‘ūna ahwā'ahum, wa man aḍallu mimmanittaba‘a hawāhu bigairi hudam minallāh(i), innallāha lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[50]
Lamun maranéhna teu ngajawab kana (panangtang hidep), kanyahokeun baé yén maranéhna mah ngan ukur nuturkeun hawa napsuna. Saha nu leuwih sasar tibatan jalma nu nuturkeun kahayang hawa napsuna kalayan teu meunang pituduh ti Allah? Saenyana Allah moal maparin pituduh ka kaom nu dolim.
۞ وَلَقَدْ وَصَّلْنَا لَهُمُ الْقَوْلَ لَعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ ۗ٥١
Wa laqad waṣṣalnā lahumul-qaula la‘allahum yatażakkarūn(a).
[51]
Sabenerna Kami bener-bener geus nurunkeun ieu caritaan (Al-Qur’an) ka maranéhna kalayan tuluy-tumuluy sangkan manéhna salawasna éling ka Mantenna.
اَلَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ مِنْ قَبْلِهٖ هُمْ بِهٖ يُؤْمِنُوْنَ٥٢
Allażīna ātaināhumul-kitāba min qablihī hum bihī yu'minūn(a).
[52]
Jalma-jalma nu ku Kami geus dinugrahakeun ka maranéhna Kitab saméméh Al-Qur’an, maranéhna iman (ogé) kana éta (Al-Qur’an)
وَاِذَا يُتْلٰى عَلَيْهِمْ قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِهٖٓ اِنَّهُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّنَآ اِنَّا كُنَّا مِنْ قَبْلِهٖ مُسْلِمِيْنَ٥٣
Wa iżā yutlā ‘alaihim qālū āmannā bihī innahul-ḥaqqu mir rabbinā innā kunnā min qablihī muslimīn(a).
[53]
Upama (Al-Qur’an) dibacakeun ka maranéhna, maranéhna nyarita, “Abdi sadaya iman kana éta Al-Qur’an. Saenyana (Al-Qur’an) téh hiji bebeneran ti Pangéran abdi sadaya. Saenyana saméméhna kami téh jalmi-jalmi muslim.”
اُولٰۤىِٕكَ يُؤْتَوْنَ اَجْرَهُمْ مَّرَّتَيْنِ بِمَا صَبَرُوْا وَيَدْرَءُوْنَ بِالْحَسَنَةِ السَّيِّئَةَ وَمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَ٥٤
Ulā'ika yu'tauna ajrahum marrataini bimā ṣabarū wa yadra'ūna bil-ḥasanatis-sayyi'ata wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[54]
Aranjeunna téh dibéré ganjaran dua tikel (lantaran iman kana Torét jeung Al-Qur’an) ku sabab kasabaranana. Aranjeunna nolak kagoréngan ku kahadéan jeung ku ngainpakkeun sabagian rejeki nu geus dipaparinkeun ku Kami ka aranjeunna.
وَاِذَا سَمِعُوا اللَّغْوَ اَعْرَضُوْا عَنْهُ وَقَالُوْا لَنَآ اَعْمَالُنَا وَلَكُمْ اَعْمَالُكُمْ ۖسَلٰمٌ عَلَيْكُمْ ۖ لَا نَبْتَغِى الْجٰهِلِيْنَ٥٥
Wa iżā sami‘ul-lagwa a‘raḍū ‘anhu wa qālū lanā a‘mālunā wa lakum a‘mālukum, salāmun ‘alaikum, lā nabtagil-jāhilīn(a).
[55]
Waktu ngadangu caritaan nu awon, aranjeunna téh sok ngabalieur bari nyarios, “Pikeun kuring saréréa amal-amal kuring saréréa, jeung pikeun maranéh amal-amal maranéh, salāmun 'alaikum (muga baé maranéh salamet), kuring saréréa teu hayang (campur gaul) jeung jalma-jalma nu bodo.”
اِنَّكَ لَا تَهْدِيْ مَنْ اَحْبَبْتَ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ يَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ ۚوَهُوَ اَعْلَمُ بِالْمُهْتَدِيْنَ٥٦
Innaka lā tahdī man aḥbabta wa lākinnallāha yahdī may yasyā'(u), wa huwa a‘lamu bil-muhtadīn(a).
[56]
Sabenerna hidep (Muhammad) moal (bakal bisa) méré pituduh ka saha baé nu dipikaasih ku hidep, tapi Allah maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna langkung uninga ka jalma-jalma nu (kersa) narima pituduh.
وَقَالُوْٓا اِنْ نَّتَّبِعِ الْهُدٰى مَعَكَ نُتَخَطَّفْ مِنْ اَرْضِنَاۗ اَوَلَمْ نُمَكِّنْ لَّهُمْ حَرَمًا اٰمِنًا يُّجْبٰٓى اِلَيْهِ ثَمَرٰتُ كُلِّ شَيْءٍ رِّزْقًا مِّنْ لَّدُنَّا وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٥٧
Wa qālū in natabi‘il-hudā ma‘aka nutakhaṭṭaf min arḍinā, awalam numakkil lahum ḥaraman āminay yujbā ilaihi ṡamarātu kulli syai'ir rizqam mil ladunnā wa lākinna akṡarahum lā ya‘lamūn(a).
[57]
Maranéhna nyarita, “Lamun kuring saréréa nuturkeun kana pituduh anjeun, tangtos kuring saréréa téh bakal diusir ti nagri kuring saréréa.” (Allah ngadawuh), “Lain Kami téh geus mengkuhkeun kalungguhan maranéhna di Tanah Haram nu aman, nu didatangkeun ka éta tempat bubuahan jeung pirang-pirang (tutuwuhan) minangka rejeki (keur maranéh) ti mungguhing Kami? Tapi, kalolobaan maranéhna téh teu nyahoeun.”
وَكَمْ اَهْلَكْنَا مِنْ قَرْيَةٍ ۢ بَطِرَتْ مَعِيْشَتَهَا ۚفَتِلْكَ مَسٰكِنُهُمْ لَمْ تُسْكَنْ مِّنْۢ بَعْدِهِمْ اِلَّا قَلِيْلًاۗ وَكُنَّا نَحْنُ الْوٰرِثِيْنَ٥٨
Wa kam ahlaknā min qaryatim baṭirat ma‘īsyatahā, fatilka masākinuhum lam tuskam mim ba‘dihim illā qalīlā(n), wa kunnā naḥnul-wāriṡīn(a).
[58]
Sakitu geus loba pisan (pangeusi) nagri nu ku Kami geus dibinasakeun (lantaran kadorakaan maranéhna) nu geus nyalahgunakeun (katengtreman) hirupna. Mangka, tah éta téh tempat cicing maranéhna anu teu dicicingan (deui) sanggeusna maranéhna, kajaba sabagian leutik jeung Kami nu ngawarisna. 648
648) Sanggeus maranéhna dibinasakeun, nya éta tempat téh jadi kosong jeung teu dima’murkeun deui, nepi ka mulang deui ka nu ngamilikna, nyaéta Allah.
وَمَا كَانَ رَبُّكَ مُهْلِكَ الْقُرٰى حَتّٰى يَبْعَثَ فِيْٓ اُمِّهَا رَسُوْلًا يَّتْلُوْا عَلَيْهِمْ اٰيٰتِنَاۚ وَمَا كُنَّا مُهْلِكِى الْقُرٰىٓ اِلَّا وَاَهْلُهَا ظٰلِمُوْنَ٥٩
Wa mā kāna rabbuka muhlikal-qurā ḥattā yab‘aṡa fī ummihā rasūlay yatlū ‘alaihim āyātinā, wa mā kunnā muhlikil-qurā illā wa ahluhā ẓālimūn(a).
[59]
Pangéran hidep moal rék ngabinasakeun nagri-nagri, saméméh Mantenna ngutus saurang rasul di puseur dayeuhna nu mangmacakeun ayat-ayat Kami ka maranéhna. Kami moal rék (ogé) ngabinasakeun (pangeusi) nagri-nagri, kajaba pangeusina dina kaayaan dolim.
وَمَآ اُوْتِيْتُمْ مِّنْ شَيْءٍ فَمَتَاعُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَزِيْنَتُهَا ۚوَمَا عِنْدَ اللّٰهِ خَيْرٌ وَّاَبْقٰىۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ ࣖ٦٠
Wa mā ūtītum min syai'in famatā‘ul-ḥayātid-dun-yā wa zīnatuhā, wa mā ‘indallāhi khairuw wa abqā, afalā ta‘qilūn(a).
[60]
Naon baé nu dinugrahakeun (Allah) ka maranéh, éta téh kasenangan hirup dunya jeung panghiasna, sedengkeun naon-naon nu aya di mungguhing Allah leuwih hadé jeung leuwih langgeng. Naha maranéh téh teu ngagunakeun akal?
اَفَمَنْ وَّعَدْنٰهُ وَعْدًا حَسَنًا فَهُوَ لَاقِيْهِ كَمَنْ مَّتَّعْنٰهُ مَتَاعَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ثُمَّ هُوَ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ مِنَ الْمُحْضَرِيْنَ٦١
Afamaw wa‘adnāhu wa‘dan ḥasanan fahuwa lāqīhi kamam matta‘nāhu matā‘al-ḥayātid-dun-yā ṡumma huwa yaumal-qiyāmati minal-muḥḍarīn(a).
[61]
Nya, naha jalma nu ku Kami dijangjian ku jangji nu hadé (sawarga), tuluy manéhna bisa meunangkeunana téh sarua jeung jalma nu ku Kami dibéré kasenangan kahirupan dunya 649 bari dina Poé Kiamat manéhna kaasup jalma-jalma nu diséréd (kana jero naraka)?
649) Jalma anu dipaparin ni’mat hirup dunya, ngan teu dipaké pikeun néangan kabagjaan hirup di ahérat. Ku lantaran kitu, manéhna di ahérat bakal digusur kana jero naraka.
وَيَوْمَ يُنَادِيْهِمْ فَيَقُوْلُ اَيْنَ شُرَكَاۤءِيَ الَّذِيْنَ كُنْتُمْ تَزْعُمُوْنَ٦٢
Wa yauma yunādīhim fayaqūlu aina syurakā'iyal-lażīna kuntum taz‘umūn(a).
[62]
(Sing inget) kana poé waktu Mantenna (Allah) ngagero maranéhna lajeng ngadawuh, “Mana sarékat-sarékat Kami nu baréto sok disangka ku maranéh téh?”
قَالَ الَّذِيْنَ حَقَّ عَلَيْهِمُ الْقَوْلُ رَبَّنَا هٰٓؤُلَاۤءِ الَّذِيْنَ اَغْوَيْنَاۚ اَغْوَيْنٰهُمْ كَمَا غَوَيْنَاۚ تَبَرَّأْنَآ اِلَيْكَ مَا كَانُوْٓا اِيَّانَا يَعْبُدُوْنَ٦٣
Wa qālal-lażīna ḥaqqa ‘alaihimul-qaulu rabbanā hā'ulā'il-lażīna agwainā, agwaināhum kamā gawainā, tabarra'nā ilaika mā kānū iyyānā ya‘budūn(a).
[63]
Jalma-jalma nu geus pasti bakal meunang hukuman (gegedén-gegedén musrik) téh nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, maranéhna jalma-jalma nu ku abdi sadaya disasarkeun téh. Abdi sadaya parantos nyasarkeun maranéhna sakumaha abdi sadaya (nyalira) sasar. Abdi sadaya nguningakeun ka Gusti ngaleupaskeun diri (ti maranéhna). Maranéhna teu pisan-pisan nyembah ka kami.”
وَقِيْلَ ادْعُوْا شُرَكَاۤءَكُمْ فَدَعَوْهُمْ فَلَمْ يَسْتَجِيْبُوْا لَهُمْ ۗوَرَاَوُا الْعَذَابَۚ لَوْ اَنَّهُمْ كَانُوْا يَهْتَدُوْنَ٦٤
Wa qīlad‘ū syurakā'akum fada‘auhum falam yastajībū lahum wa ra'awul-‘ażāb(a), lau annahum kānū yahtadūn(a).
[64]
Dicaritakeun (ka maranéhna), “Pék geura gero sarékat-sarékat maranéh téh.” Nya breng maranéhna téh ngagero, tapi nu digero teu maliré ka maranéhna. Maranéhna nénjo siksa. (Maranéhna mikahayang) lamun seug baréto maranéhna (daék) narima pituduh.”
وَيَوْمَ يُنَادِيْهِمْ فَيَقُوْلُ مَاذَآ اَجَبْتُمُ الْمُرْسَلِيْنَ٦٥
Wa yauma yunādīhim fayaqūlu māżā ajabtumul-mursalīn(a).
[65]
(Sing inget) kana poé waktu Mantenna (Allah) ngagero maranéhna lajeng ngadawuh, “Naon jawaban maranéh ka para rasul téh?”
فَعَمِيَتْ عَلَيْهِمُ الْاَنْۢبَاۤءُ يَوْمَىِٕذٍ فَهُمْ لَا يَتَسَاۤءَلُوْنَ٦٦
Fa ‘amiyat ‘alaihimul-ambā'u yauma'iżin fahum lā yatasā'alūn(a).
[66]
Nya, nutup sagala rupa alesan keur maranéhna dina poé éta. Ku sabab kitu, maranéhna teu bisa silih tanya.
فَاَمَّا مَنْ تَابَ وَاٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا فَعَسٰٓى اَنْ يَّكُوْنَ مِنَ الْمُفْلِحِيْنَ٦٧
Fa ammā man tāba wa āmana wa ‘amila ṣāliḥan fa‘asā ay yakūna minal-mufliḥīn(a).
[67]
Sedengkeun jalma nu tobat, iman, jeung milampah amal soléh mah muga-muga baé kaasup jalma-jalma anu untung.
وَرَبُّكَ يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ وَيَخْتَارُ ۗمَا كَانَ لَهُمُ الْخِيَرَةُ ۗسُبْحٰنَ اللّٰهِ وَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٦٨
Wa rabbuka yakhluqu mā yasyā'u wa yakhtār(u), mā kāna lahumul-khiyarah(tu), subḥānallāhi wa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[68]
Pangéran hidep nyiptakeun jeung milih naon nu dikersakeun ku Mantenna. Taya pisan pilihan keur maranéhna. Mahasuci Allah (tur) Mahaluhur tina sagala nu disarékatkeun ku maranéhna.
وَرَبُّكَ يَعْلَمُ مَا تُكِنُّ صُدُوْرُهُمْ وَمَا يُعْلِنُوْنَ٦٩
Wa rabbuka ya‘lamu mā tukinnu ṣudūruhum wa mā yu‘linūn(a).
[69]
Pangéran hidep téh uninga kana naon nu disumputkeun (dina) dada maranéhna jeung naon nu diébréhkeun ku maranéhna.
وَهُوَ اللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۗ لَهُ الْحَمْدُ فِى الْاُوْلٰى وَالْاٰخِرَةِ ۖوَلَهُ الْحُكْمُ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٧٠
Wa huwallāhu lā ilāha illā huw(a), lahul-ḥamdu fil-ūlā wal-ākhirah(ti), wa lahul-ḥukmu wa ilaihi turja‘ūn(a).
[70]
Mantenna, Allah, taya Pangéran (nu hak disembah), kajaba Mantenna. Kagungan Mantenna sagala puji di dunya jeung di ahérat sareng kagungan Mantenna (ogé) sagala putusan. Mung ka Mantenna maranéh bakal dipulangkeun
قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ جَعَلَ اللّٰهُ عَلَيْكُمُ الَّيْلَ سَرْمَدًا اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ مَنْ اِلٰهٌ غَيْرُ اللّٰهِ يَأْتِيْكُمْ بِضِيَاۤءٍ ۗ اَفَلَا تَسْمَعُوْنَ٧١
Qul ara'aitum in ja‘alallāhu ‘alaikumul-laila sarmadan ilā yaumil-qiyāmati man ilāhun gairullāhi ya'tīkum biḍiyā'(in), afalā tasma‘ūn(a).
[71]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kumaha sikep aranjeun mun Allah ngajadikeun keur aranjeun éta peuting tuluy-tuluyan nepi ka Poé Kiamat? Saha Pangéran salian ti Allah nu bakal ngadatangkeun cahya nu caang ka aranjeun? Naha aranjeun teu ngadéngé?”
قُلْ اَرَءَيْتُمْ اِنْ جَعَلَ اللّٰهُ عَلَيْكُمُ النَّهَارَ سَرْمَدًا اِلٰى يَوْمِ الْقِيٰمَةِ مَنْ اِلٰهٌ غَيْرُ اللّٰهِ يَأْتِيْكُمْ بِلَيْلٍ تَسْكُنُوْنَ فِيْهِ ۗ اَفَلَا تُبْصِرُوْنَ٧٢
Qul ara'aitum in ja‘alallāhu ‘alaikumun-nahāra sarmadan ilā yaumil-qiyāmati man ilāhun gairullāhi ya'tīkum bilailin taskunūna fīh(i), afalā tubṣirūn(a).
[72]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kumaha sikep aranjeun mun Allah ngajadikeun keur aranjeun éta beurang tuluy-tuluyan nepi ka Poé Kiamat? Saha Pangéran salian ti Allah anu bakal ngadatangkeun peuting keur aranjeun pikeun aranjeun reureuh?” Naha aranjeun téh teu niténan?
وَمِنْ رَّحْمَتِهٖ جَعَلَ لَكُمُ الَّيْلَ وَالنَّهَارَ لِتَسْكُنُوْا فِيْهِ وَلِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٧٣
Wa mir raḥmatihī ja‘ala lakumul-laila wan-nahāra litaskunū fīhi wa litabtagū min faḍlihī wa la‘allakum tasykurūn(a).
[73]
(Nyaéta) ku lantaran rahmat-Na, Mantenna ngajadikeun pikeun aranjeun peuting jeung beurang sangkan aranjeun bisa reureuh ti peuting, sangkan aranjeun bisa nyiar sabagian kurnia-Na (ti beurang), jeung sangkan aranjeun sukuran ka Mantenna
وَيَوْمَ يُنَادِيْهِمْ فَيَقُوْلُ اَيْنَ شُرَكَاۤءِيَ الَّذِيْنَ كُنْتُمْ تَزْعُمُوْنَ٧٤
Wa yauma yunādīhim fayaqūlu aina syurakā'iyal-lażīna kuntum taz‘umūn(a).
[74]
(Sing inget) kana poé waktu Mantenna (Allah) ngagero maranéhna lajeng ngadawuh, “Mana sarékat-sarékat Kami nu baréto disangka ku maranéh téh?”
وَنَزَعْنَا مِنْ كُلِّ اُمَّةٍ شَهِيْدًا فَقُلْنَا هَاتُوْا بُرْهَانَكُمْ فَعَلِمُوْٓا اَنَّ الْحَقَّ لِلّٰهِ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ ࣖ٧٥
Wa naza‘nā min kulli ummatin syahīdan faqulnā hātū burhānakum fa‘alimū annal-ḥaqqa lillāhi wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[75]
Kami ngadatangkeun saksi ti saban umat, 650 tuluy Kami ngadawuh, “Sok ngadatangkeun bukti bebeneran maranéh!” Mangka, maranéhna téh jadi nyaho, yén nu hak éta kagungan Allah sarta laleungit wéh ti maranéhna naon nu baréto diaya-ayakeun ku maranéhna téh.”
650) Saksi di dieu nyaéta rasul nu geus diutus ka maranéhna waktu di dunya.
۞ اِنَّ قَارُوْنَ كَانَ مِنْ قَوْمِ مُوْسٰى فَبَغٰى عَلَيْهِمْ ۖوَاٰتَيْنٰهُ مِنَ الْكُنُوْزِ مَآ اِنَّ مَفَاتِحَهٗ لَتَنُوْۤاُ بِالْعُصْبَةِ اُولِى الْقُوَّةِ اِذْ قَالَ لَهٗ قَوْمُهٗ لَا تَفْرَحْ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْفَرِحِيْنَ٧٦
Inna qārūna kāna min qaumi mūsā fabagā ‘alaihim, wa ātaināhu minal-kunūzi mā inna mafātiḥahū latanū'u bil-‘uṣbati ulil-quwwah(ti), iż qāla lahū qaumuhū lā tafraḥ, innallāha lā yuḥibbul-fariḥīn(a).
[76]
Saenyana Karun téh kaasup kaom Musa, 651 ngan manéhna nganiaya ka aranjeunna; jeung Kami geus maparin ka manéhna harta sisimpenan nu konci-koncina ogé kacida beuratna najan dibawa ku jalma-jalma nu kuat tanagana. (Sing inget) nalika kaomna nyarios ka manéhna, “Ulah agul manéh téh. Saenyana Allah mah henteu mikaresep ka jalma-jalma nu agul.
651) Karun téh nyaéta salah sahiji murangkalih paman Nabi Musa a.s.
وَابْتَغِ فِيْمَآ اٰتٰىكَ اللّٰهُ الدَّارَ الْاٰخِرَةَ وَلَا تَنْسَ نَصِيْبَكَ مِنَ الدُّنْيَا وَاَحْسِنْ كَمَآ اَحْسَنَ اللّٰهُ اِلَيْكَ وَلَا تَبْغِ الْفَسَادَ فِى الْاَرْضِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْمُفْسِدِيْنَ٧٧
Wabtagi fīmā ātākallāhud-dāral-ākhirata wa lā tansa naṣībaka minad-dun-yā wa aḥsin kama aḥsanallāhu ilaika wa lā tabgil-fasāda fil-arḍ(i), innallāha lā yuḥibbul-mufsidīn(a).
[77]
Geura téangan ku manéh naon nu geus dipaparinkeun ku Allah ka manéh (pahala) nagri ahérat, tapi manéh ulah mopohokeun bagian manéh di dunya. Manéh kudu milampah kahadéan (ka jalma séjén) sakumaha Allah geus maparin kahadéan ka manéh jeung manéh ulah rék nyieun karuksakan di bumi. Saenyana Allah mah henteu mikaresep ka jalma-jalma anu nyieun karuksakan.”
قَالَ اِنَّمَآ اُوْتِيْتُهٗ عَلٰى عِلْمٍ عِنْدِيْۗ اَوَلَمْ يَعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ قَدْ اَهْلَكَ مِنْ قَبْلِهٖ مِنَ الْقُرُوْنِ مَنْ هُوَ اَشَدُّ مِنْهُ قُوَّةً وَّاَكْثَرُ جَمْعًا ۗوَلَا يُسْـَٔلُ عَنْ ذُنُوْبِهِمُ الْمُجْرِمُوْنَ٧٨
Qāla innamā ūtītuhū ‘alā ‘ilmin ‘indī, awalam ya‘lam annallāha qad ahlaka min qablihī minal-qurūni man huwa asyaddu minhu quwwataw wa akṡaru jam‘ā(n), wa lā yus'alu ‘an żunūbihimul-mujrimūn(a).
[78]
Manéhna (Karun) nyarita, “Saenyana mah kuring dipaparinan (ieu harta) téh ngan wungkul lantaran élmu nu aya di diri kuring.” Naha manéhna teu nyaho, yén saleresna Allah téh geus ngabinasakeun generasi saméméhna nu leuwih kuat batan manéhna jeung loba ngumpulkeun harta banda? Jalma-jalma nu doraka mah teu perlu ditanya deui ngeunaan dosa-dosa maranéhna.
فَخَرَجَ عَلٰى قَوْمِهٖ فِيْ زِيْنَتِهٖ ۗقَالَ الَّذِيْنَ يُرِيْدُوْنَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا يٰلَيْتَ لَنَا مِثْلَ مَآ اُوْتِيَ قَارُوْنُۙ اِنَّهٗ لَذُوْ حَظٍّ عَظِيْمٍ٧٩
Fa kharaja ‘alā qaumihī fī zīnatih(ī), qālal-lażīna yurīdūnal-ḥayātad-dun-yā yā laita lanā miṡla mā ūtiya qārūn(u), innahū lażū ḥaẓẓin ‘aẓīm(in).
[79]
Nya manéhna (Karun) kaluar ka kaomna kalayan kagindinganana. Jalma-jalma nu miharep kahirupan dunya nyarita, “Lamun mah urang boga harta banda jiga Karun. Saenyana manéhna bener-bener boga kauntungan nu gedé.”
وَقَالَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ وَيْلَكُمْ ثَوَابُ اللّٰهِ خَيْرٌ لِّمَنْ اٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا ۚوَلَا يُلَقّٰىهَآ اِلَّا الصّٰبِرُوْنَ٨٠
Wa qālal-lażīna ūtul-‘ilma wailakum ṡawābullāhi khairul liman āmana wa ‘amila ṣāliḥā(n), wa lā yulaqqāhā illaṣ-ṣābirūn(a).
[80]
Jalma-jalma nu dipaparinan élmu nyarios, “Cilaka maranéh! (Kanyahokeun yén) pahala Allah leuwih hadé pikeun jalma-jalma nu iman jeung milampah amal soléh. (Pahala nu gedé) téh ngan wungkul dimeunangkeun ku jalma-jalma nu sabar.”
فَخَسَفْنَا بِهٖ وَبِدَارِهِ الْاَرْضَ ۗفَمَا كَانَ لَهٗ مِنْ فِئَةٍ يَّنْصُرُوْنَهٗ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۖوَمَا كَانَ مِنَ الْمُنْتَصِرِيْنَ٨١
Fakhasafnā bihī wa bidārihil-arḍ(a), famā kāna lahū min fi'atiy yanṣurūnahū min dūnillāh(i), wa mā kāna minal-muntaṣirīn(a).
[81]
Tuluy, Kami ngambleskeun manéhna (Karun) jeung imahna ka jero bumi. Nya, atuh moal aya sagolongan ogé nu bisa nulungan ka manéhna lian ti Allah, jeung manéhna téh teu kaasup jalma-jalma nu meunang mélaan diri.
وَاَصْبَحَ الَّذِيْنَ تَمَنَّوْا مَكَانَهٗ بِالْاَمْسِ يَقُوْلُوْنَ وَيْكَاَنَّ اللّٰهَ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ وَيَقْدِرُۚ لَوْلَآ اَنْ مَّنَّ اللّٰهُ عَلَيْنَا لَخَسَفَ بِنَا ۗوَيْكَاَنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الْكٰفِرُوْنَ ࣖ٨٢
Wa aṣbaḥal-lażīna tamannau makānahū bil-amsi yaqūlūna waika'annallāha yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u min ‘ibādihī wa yaqdir(u), lau lā am mannallāhu ‘alainā lakhasafa binā, waika'annahū lā yufliḥul-kāfirūn(a).
[82]
Jalma-jalma nu kamari miharep kalungguhanana (Karun) téh nyarita, “Tuh, geuning leres Allah nu ngajembarkeun rejeki ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna ti hamba-hamba-Na jeung Mantenna (ogé) nu ngaheureutkeun (rejeki ka maranéhna). Lamun seug Allah teu maparin kurnia-Na mah ka urang saréréa, tangtos Mantenna tos ngambleskeun urang saréréa ogé. Tuh, geuning leres, moal untung jalma-jalma nu ingkar (kana ni’mat) mah.”
تِلْكَ الدَّارُ الْاٰخِرَةُ نَجْعَلُهَا لِلَّذِيْنَ لَا يُرِيْدُوْنَ عُلُوًّا فِى الْاَرْضِ وَلَا فَسَادًا ۗوَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ٨٣
Tilkad-dārul-ākhiratu naj‘aluhā lil-lażīna lā yurīdūna ‘uluwwan fil-arḍi wa lā fasādā(n), wal-‘āqibatu lil-muttaqīn(a).
[83]
Éta nagri ahérat dijadikeun ku Kami pikeun jalma-jalma nu teu nyombongkeun diri jeung teu milampah karuksakan di bumi. Tungtung (nu hadé, nyaéta sawarga) éta mah (disadiakeun) pikeun jalma-jalma nu takwa.
مَنْ جَاۤءَ بِالْحَسَنَةِ فَلَهٗ خَيْرٌ مِّنْهَاۚ وَمَنْ جَاۤءَ بِالسَّيِّئَةِ فَلَا يُجْزَى الَّذِيْنَ عَمِلُوا السَّيِّاٰتِ اِلَّا مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٨٤
Man jā'a bil-ḥasanati falahū khairum minhā, wa man jā'a bis-sayyi'ati falā yujzal-lażīna ‘amilus-sayyi'āti illā mā kānū ya‘malūn(a).
[84]
Saha baé nu datang (mawa) kahadéan, mangka keur manéhna (pahala) nu leuwih hadé tibatan éta kahadéanana. Saha baé nu datang (mawa) kagoréngan, mangka jalma-jalma nu geus nyieun kagoréngan téh moal diwales kajaba (saimbang) jeung naon anu baheula dipigawé ku maranéhna.
اِنَّ الَّذِيْ فَرَضَ عَلَيْكَ الْقُرْاٰنَ لَرَاۤدُّكَ اِلٰى مَعَادٍ ۗقُلْ رَّبِّيْٓ اَعْلَمُ مَنْ جَاۤءَ بِالْهُدٰى وَمَنْ هُوَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٨٥
Innal-lażī faraḍa ‘alaikal-qur'āna larādduka ilā ma‘ād(in), qur rabbī a‘lamu man jā'a bil-hudā wa man huwa fī ḍalālim mubīn(in).
[85]
Saenyana (Allah) nu ngawajibkeun hidep (Muhammad pikeun nepikeun jeung nyekel pageuh kana Al-Qur’an bener-bener bakal mulangkeun hidep ka tempat pangbalikan. 652 Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pangéran kuring mah nu panguningana ka jalma nu mawa pituduh jeung ka jalma nu aya dina kasasaran anu nyata.”
652) Kota Mekah. Tah ieu téh hiji jangji ti Pangéran yén Nabi Muhammad Saw. bakal mulang deui ka Mekah jadi jalma nu unggul. Ieu perkara téh geus kajadian dina taun ka dalapan Hijri, waktu harita Nabi naklukkeun Mekah. Ieu téh jadi hiji mujijat anjeunna.
وَمَا كُنْتَ تَرْجُوْٓا اَنْ يُّلْقٰٓى اِلَيْكَ الْكِتٰبُ اِلَّا رَحْمَةً مِّنْ رَّبِّكَ فَلَا تَكُوْنَنَّ ظَهِيْرًا لِّلْكٰفِرِيْنَ ۖ٨٦
Wa mā kunta tarjū ay yulqā ilaikal-kitābu illā raḥmatam mir rabbika falā takūnanna ẓahīral lil-kāfirīn(a).
[86]
Hidep teu kungsi ngarep-ngarep sangkan éta Kitab (Al-Qur‘an) téh diturunkeun ka hidep, tapi éta Kitab (diturunkeun) minangka rahmat ti Pangéran hidep. Ku sabab kitu, hidep ulah pisan jadi tukang tulung ka jalma-jalma kapir.
وَلَا يَصُدُّنَّكَ عَنْ اٰيٰتِ اللّٰهِ بَعْدَ اِذْ اُنْزِلَتْ اِلَيْكَ وَادْعُ اِلٰى رَبِّكَ وَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ ۚ٨٧
Wa lā yaṣuddunnaka ‘an āyātillāhi ba‘da iż unzilat ilaika wad‘u ilā rabbika wa lā takūnanna minal-musyrikīn(a).
[87]
Maranéhna ulah pisan ngahahalang ka hidep pikeun (nepikeun) ayat-ayat Allah sanggeus éta ayat-ayat téh diturunkeun ka hidep. Ajak (manusa téh) sangkan (iman) ka Pángéran hidep jeung hidep ulah pisan kaasup (golongan) jalma-jalma musrik.
وَلَا تَدْعُ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَۘ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ كُلُّ شَيْءٍ هَالِكٌ اِلَّا وَجْهَهٗ ۗ لَهُ الْحُكْمُ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ ࣖ٨٨
Wa lā tad‘u ma‘allāhi ilāhan ākhar(a), lā ilāha illā huw(a), kullu syai'in hālikun illā wajhah(ū), lahul-ḥukmu wa ilaihi turja‘ūn(a).
[88]
Hidep (ogé) ulah nyembah ka Pangéran nu séjén (salian Allah). Taya Pangéran (nu hak disembah) anging Mantenna. Sagala perkara pasti binasa, kajaba Mantenna. Sagala putusan jadi wewenang Mantenna jeung ngan ka Mantenna wungkul maranéh kabéh dipulangkeun.