Surah An-Naml

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
طٰسۤ ۚ تِلْكَ اٰيٰتُ الْقُرْاٰنِ وَكِتَابٍ مُّبِيْنٍ ۙ١
Ṭā Sīn, tilka āyātul-qur'āni wa kitābim mubīn(in).
[1] Ṭā Sīn. 627 Ieu téh ayat-ayat Al-Qur’an jeung Kitab Suci nu jelas (eusina),
627) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

هُدًى وَّبُشْرٰى لِلْمُؤْمِنِيْنَ ۙ٢
Hudaw wa busyrā lil-mu'minīn(a).
[2] (mangrupa) pituduh jeung béja pikabungaheun pikeun jalma-jalma mu’min.

الَّذِيْنَ يُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوْنَ الزَّكٰوةَ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ يُوْقِنُوْنَ٣
Allażīna yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa yu'tūnaz-zakāta wa hum bil-ākhirati hum yūqinūn(a).
[3] (Aranjeunna nyaéta) jalma-jalma anu ngadegkeun salat jeung ngaluarkeun jakat. Aranjeunna ogé yakin kana ayana ahérat.

اِنَّ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ زَيَّنَّا لَهُمْ اَعْمَالَهُمْ فَهُمْ يَعْمَهُوْنَ ۗ٤
Innal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati zayyannā lahum a‘mālahum fahum ya‘mahūn(a).
[4] Sabenerna jalma-jalma anu henteu iman kana ahérat, Kami ngajadikeun maranéhna nganggap hadé kana pagawéan-pagawéanna (nu goréng). Nya, maranéhna téh paciweuh (dina kasasaran).

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ لَهُمْ سُوْۤءُ الْعَذَابِ وَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ هُمُ الْاَخْسَرُوْنَ٥
Ulā'ikal-lażīna lahum sū'ul-‘ażābi wa hum fil-ākhirati humul-akhsarūn(a).
[5] Maranéhna jalma-jalma anu meunang siksaan goréng (di dunya), jeung di ahérat maranéhna jadi jalma-jalma nu pangrugi-rugina.

وَاِنَّكَ لَتُلَقَّى الْقُرْاٰنَ مِنْ لَّدُنْ حَكِيْمٍ عَلِيْمٍ٦
Wa innaka latulaqqal-qur'āna mil ladun ḥakīmin ‘alīm(in).
[6] Sabenerna hidep (Muhammad) téh bener-bener geus dipaparinan Al-Qur’an ti mungguhing (Allah) Nu Mahawijaksana (tur) Mahauninga.

اِذْ قَالَ مُوْسٰى لِاَهْلِهٖٓ اِنِّيْٓ اٰنَسْتُ نَارًاۗ سَاٰتِيْكُمْ مِّنْهَا بِخَبَرٍ اَوْ اٰتِيْكُمْ بِشِهَابٍ قَبَسٍ لَّعَلَّكُمْ تَصْطَلُوْنَ٧
Iż qāla mūsā li'ahlihī innī ānastu nārā(n), sa'ātīkum minhā bikhabarin au ātīkum bisyihābin qabasil la‘allakum taṣṭalūn(a).
[7] (Sing inget) nalika Musa nyarios ka garwana, “Sabenerna kuring ningal seuneu. Kuring rék mawa béja ka aranjeun ngeunaan hal éta, atawa kuring rék mawa obor ka aranjeun sangkan bisa siduru.”

فَلَمَّا جَاۤءَهَا نُوْدِيَ اَنْۢ بُوْرِكَ مَنْ فِى النَّارِ وَمَنْ حَوْلَهَاۗ وَسُبْحٰنَ اللّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٨
Falammā jā'ahā nūdiya am būrika man fin-nāri wa man ḥaulahā, wa subḥānallāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[8] Nya, waktu dugi ka dinya (éta tempat seuneu), aya nu sasauran ka anjeunna, “Jalma-jalma anu aya deukeut éta seuneu jeung jalma-jalma anu aya di sakurilingeunana geus dipaparinan berkah. Mahasuci Allah, Pangéran sakumna alam.”

يٰمُوْسٰٓى اِنَّهٗٓ اَنَا اللّٰهُ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ۙ٩
Yā mūsā innahū anallāhul-‘azīzul-ḥakīm(u).
[9] (Allah ngadawuh), “Hé Musa, sabenerna Kami téh Allah Nu Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَاَلْقِ عَصَاكَ ۗفَلَمَّا رَاٰهَا تَهْتَزُّ كَاَنَّهَا جَاۤنٌّ وَّلّٰى مُدْبِرًا وَّلَمْ يُعَقِّبْۗ يٰمُوْسٰى لَا تَخَفْۗ اِنِّيْ لَا يَخَافُ لَدَيَّ الْمُرْسَلُوْنَ ۖ١٠
Wa alqi ‘aṣāk(a), falammā ra'āhā tahtazzu ka'annahā jānnuw wallā mudbiraw wa lam yu‘aqqib, yā mūsā lā takhaf, innī lā yakhāfu ladayyal-mursalūn(a).
[10] Pék geura alungkeun iteuk hidep!” Waktu (éta iteuk dialungkeun), Musa ningal éta iteuk luar-léor kawas oray leutik nu lingas, nya anjeunna lumpat malik ka tukang bari henteu nolih deui. (Allah ngadawuh), “Hé Musa, ulah sieun! Sabenerna di hareupeun Kami, para rasul mah ulah ngarasa sieun,

اِلَّا مَنْ ظَلَمَ ثُمَّ بَدَّلَ حُسْنًاۢ بَعْدَ سُوْۤءٍ فَاِنِّيْ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١١
Illā man ẓalama ṡumma baddala ḥusnam ba‘da sū'in fa innī gafūrur raḥīm(un).
[11] kajaba jalma nu geus milampah kadoliman anu tuluy ngaganti kagorénganana ku kahadéan (tobat). Sabenerna Kami Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَاَدْخِلْ يَدَكَ فِيْ جَيْبِكَ تَخْرُجْ بَيْضَاۤءَ مِنْ غَيْرِ سُوْۤءٍۙ فِيْ تِسْعِ اٰيٰتٍ اِلٰى فِرْعَوْنَ وَقَوْمِهٖۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمًا فٰسِقِيْنَ١٢
Wa adkhil yadaka fī jaibika takhruj baiḍā'a min gairi sū'(in), fī tis‘i āyātin ilā fir‘auna wa qaumih(ī), innahum kānū qauman fāsiqīn(a).
[12] Pék asupkeun leungeun hidep ka jero baju hidep. 628 Éta leungeun téh bakal kaluar (bari cahayaan) bodas lain lantaran cacad. (Dua mujijat ieu) kaasup kana salapan mujijat (anu bakal ditémbongkeun) ka Fir’aun jeung kaomna. Sabenerna maranéhna téh bener-bener kaom nu pasék.”
628) Ngasupkeun leungeunna tina kerah baju kana dada.

فَلَمَّا جَاۤءَتْهُمْ اٰيٰتُنَا مُبْصِرَةً قَالُوْا هٰذَا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ ۚ١٣
Falammā jā'athum āyātunā mubṣiratan qālū hāżā siḥrum mubīn(un).
[13] Waktu éta mujijat-mujijat Kami nu jelas tepi ka maranéhna, maranéhna nyarita, “Ieu mah sihir nu nyata.”

وَجَحَدُوْا بِهَا وَاسْتَيْقَنَتْهَآ اَنْفُسُهُمْ ظُلْمًا وَّعُلُوًّاۗ فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُفْسِدِيْنَ ࣖ١٤
Wa jaḥadū bihā wastaiqanathā anfusuhum ẓulmaw wa ‘uluwwā(n), fanẓur kaifa kāna ‘āqibatul-mufsidīn(a).
[14] Maranéhna ingkar kana (éta mujijat), lantaran dolim jeung sombong, padahal mah haté maranéhna yakin (kana benerna). Perhatikeun kumaha balukarna jalma-jalma anu milampah karuksakan.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا دَاوٗدَ وَسُلَيْمٰنَ عِلْمًاۗ وَقَالَا الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ فَضَّلَنَا عَلٰى كَثِيْرٍ مِّنْ عِبَادِهِ الْمُؤْمِنِيْنَ١٥
Wa laqad ātainā dāwūda wa sulaimāna ‘ilmā(n), wa qālal-ḥamdu lillāhil-lażī faḍḍalanā ‘alā kaṡīrim min ‘ibādihil-mu'minīn(a).
[15] Sabenerna Kami geus maparin élmu ka Dawud jeung Sulaéman. Duanana nyarios, “Sadaya puji kagungan Allah nu ngunggulkeun ka abdi duaan batan kaseuseueuran hamba-Na anu mu’min.”

وَوَرِثَ سُلَيْمٰنُ دَاوٗدَ وَقَالَ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ عُلِّمْنَا مَنْطِقَ الطَّيْرِ وَاُوْتِيْنَا مِنْ كُلِّ شَيْءٍۗ اِنَّ هٰذَا لَهُوَ الْفَضْلُ الْمُبِيْنُ١٦
Wa wariṡa sulaimānu dāwūda wa qāla yā ayyuhan-nāsu ‘ullimnā manṭiqaṭ-ṭairi wa ūtīnā min kulli syai'(in), inna hāżā lahuwal-faḍlul-mubīn(u).
[16] Sulaéman geus ngawaris Dawud. 629 Anjeunna (Sulaéman) nyarios, “He Manusa, kuring dipaparinan atikan (pikeun bisa paham) kana waktu manuk jeung kuring dipaparinan sagala perkara.” Sabenerna ieu (kabéhanana) téh bener-bener kurnia nu nyata.
629) Nabi Sulaéman a.s. ngaganti kanabian jeung karajaan Nabi Dawud a.s. sarta ngawarisan élmu pangaweruh jeung Kitab Jabur nu dilungsurkeun ka anjeunna.

وَحُشِرَ لِسُلَيْمٰنَ جُنُوْدُهٗ مِنَ الْجِنِّ وَالْاِنْسِ وَالطَّيْرِ فَهُمْ يُوْزَعُوْنَ١٧
Wa ḥusyira lisulaimāna junūduhū minal-jinni wal-insi waṭ-ṭairi fahum yūza‘ūn(a).
[17] Keur Sulaéman, dikumpulkeun bala tentara ti (bangsa) jin, manusa, jeung manuk, tuluy maranéhna diatur kalayan tartib.

حَتّٰىٓ اِذَآ اَتَوْا عَلٰى وَادِ النَّمْلِۙ قَالَتْ نَمْلَةٌ يّٰٓاَيُّهَا النَّمْلُ ادْخُلُوْا مَسٰكِنَكُمْۚ لَا يَحْطِمَنَّكُمْ سُلَيْمٰنُ وَجُنُوْدُهٗۙ وَهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ١٨
Ḥattā iżā atau ‘alā wādin-naml(i), qālat namlatuy yā ayyuhan-namludkhulū masākinakum, lā yaḥṭimannakum sulaimānu wa junūduhū wa hum lā yasy‘urūn(a).
[18] Barang nepi di léngkob sireum, pok ratu sireum nyarita, “Hé bangsa sireum, geura asup ka jero sayang maranéh sangkan henteu kaleyek ku Sulaéman katut bala wadyabaladna, sedengkeun aranjeunna henteu nyadar!”

فَتَبَسَّمَ ضَاحِكًا مِّنْ قَوْلِهَا وَقَالَ رَبِّ اَوْزِعْنِيْٓ اَنْ اَشْكُرَ نِعْمَتَكَ الَّتِيْٓ اَنْعَمْتَ عَلَيَّ وَعَلٰى وَالِدَيَّ وَاَنْ اَعْمَلَ صَالِحًا تَرْضٰىهُ وَاَدْخِلْنِيْ بِرَحْمَتِكَ فِيْ عِبَادِكَ الصّٰلِحِيْنَ١٩
Fatabassama ḍāḥikam min qaulihā wa qāla rabbi auzi‘nī an asykura ni‘matakal-latī an‘amta ‘alayya wa ‘alā wālidayya wa an a‘mala ṣāliḥan tarḍāhu wa adkhilnī biraḥmatika fī ‘ibādikaṣ-ṣāliḥīn(a).
[19] Sulaéman imut bari mésem lantaran (ngadangu) caritaan éta sireum. Anjeunna ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, paparin abdi (ilham sareng kamampuh) kanggo tetep sukuran kana ni’mat Gusti nu parantos dikurniakeun ka abdi, ka pun biang, sareng pun bapa, sareng supados tetep midamel kahadéan nu dipikarido ku Gusti. (Abdi ogé meredih) mugi Gusti ngalebetkeun abdi kalayan rahmat Gusti kana golongan hamba-hamba Gusti anu soléh.”

وَتَفَقَّدَ الطَّيْرَ فَقَالَ مَا لِيَ لَآ اَرَى الْهُدْهُدَۖ اَمْ كَانَ مِنَ الْغَاۤىِٕبِيْنَ٢٠
Wa tafaqqadaṭ-ṭaira fa qāla mā liya lā aral-hudhud(a), am kāna minal-gā'ibīn(a).
[20] Sulaéman marios (pasukan) manuk, teras naros, “Naha kuring téh bet henteu ningal Hudhud? 630 Boa manéhna kaasup nu teu hadir?
630) Hud-hud téh kaasup manuk caladi.

لَاُعَذِّبَنَّهٗ عَذَابًا شَدِيْدًا اَوْ لَاَا۟ذْبَحَنَّهٗٓ اَوْ لَيَأْتِيَنِّيْ بِسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍ٢١
La'u‘ażżibannahū ‘ażāban syadīdan au la'ażbaḥannahū au laya'tiyannī bisulṭānim mubīn(in).
[21] Tangtu bakal dihukum ku kuring ku hukuman nu beurat atawa rék dipeuncit, kajaba lamun manéhna datang ka kuring bari mawa alesan anu jelas.”

فَمَكَثَ غَيْرَ بَعِيْدٍ فَقَالَ اَحَطْتُّ بِمَا لَمْ تُحِطْ بِهٖ وَجِئْتُكَ مِنْ سَبَاٍ ۢبِنَبَاٍ يَّقِيْنٍ٢٢
Famakaṡa gaira ba‘īdin faqāla aḥaṭtu bimā lam tuḥiṭ bihī wa ji'tuka min saba'im binaba'iy yaqīn(in).
[22] Henteu lila (jol manuk Hudhud téh datang), tuluy manéhna nyarita, “Abdi parantos terang kana perkawis anu tacan kauninga ku anjeun. Abdi téh nembé dongkap ti Nagri Saba’ 631 bari ngabantun wartos penting tur yakin (leresna) kanggo anjeun.
631) Saba' téh nyaéta ngaran karajaan jaman baheula, puseur dayeuhna téh Ma’rib, ayana deukeut kota San’a, puseur dayeuh Yaman ayeuna.

اِنِّيْ وَجَدْتُّ امْرَاَةً تَمْلِكُهُمْ وَاُوْتِيَتْ مِنْ كُلِّ شَيْءٍ وَّلَهَا عَرْشٌ عَظِيْمٌ٢٣
Innī wajattumra'atan tamlikuhum wa ūtiyat min kulli syai'iw wa lahā ‘arsyun ‘aẓīm(un).
[23] Sabenerna abdi téh mendakan aya hiji istri 632 nu ngawasa maranéhna (pangeusi Nagri Saba’). Anjeunna téh dipaparinan sagala rupi kurnia, sarta kagungan singgasana anu agréng.
632) Ratu Balqis nu ngawasa Karajaan Saba’ dina jaman Nabi Sulaéman a.s.

وَجَدْتُّهَا وَقَوْمَهَا يَسْجُدُوْنَ لِلشَّمْسِ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَزَيَّنَ لَهُمُ الشَّيْطٰنُ اَعْمَالَهُمْ فَصَدَّهُمْ عَنِ السَّبِيْلِ فَهُمْ لَا يَهْتَدُوْنَۙ٢٤
Wajattuhā wa qaumahā yasjudūna lisy-syamsi min dūnillāhi wa zayyana lahumusy-syaiṭānu a‘mālahum fa ṣaddahum ‘anis-sabīli fahum lā yahtadūn(a).
[24] Abdi (manuk Hud-hud) mendakan anjeunna sareng kaomna téh nyembah panonpoé, sanés Allah. Sétan geus ngahiasan pagawéan-pagawéan (goréngna sangkan karasa éndah) pikeun maranéhna, nepi ka ngahalangan maranéhna tina jalan (Allah). Maranéhna henteu kénging pituduh.

اَلَّا يَسْجُدُوْا لِلّٰهِ الَّذِيْ يُخْرِجُ الْخَبْءَ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَيَعْلَمُ مَا تُخْفُوْنَ وَمَا تُعْلِنُوْنَ٢٥
Allā yasjudū lillāhil-lażī yukhrijul-khab'a fis-samāwāti wal-arḍi wa ya‘lamu mā tukhfūna wa mā tu‘linūn(a).
[25] Maranéhna (ogé) henteu nyembah Allah nu ngaluarkeun sagala nu buni di langit jeung bumi 633 sareng nu uninga kana naon anu disumputkeun sareng ditémbongkeun ku aranjeun.
633) Saperti nurunkeun hujan ti langit, numuwuhken pepelakan, ngaluarkeun logam ti bumi, jeung sajabana.

اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۙ رَبُّ الْعَرْشِ الْعَظِيْمِ ۩٢٦
Allāhu lā ilāha illā huwa rabbul-‘arsyil-‘aẓīm(i).
[26] Allah, henteu aya Pangéran anging Mantenna, Pangéran Anu kagungan ‘Arasy nu agung.”

۞ قَالَ سَنَنْظُرُ اَصَدَقْتَ اَمْ كُنْتَ مِنَ الْكٰذِبِيْنَ٢٧
Qāla sananẓuru aṣadaqta am kunta minal-kāżibīn(a).
[27] Sulaéman nyarios, “Kuring rék niténan, naha manéh téh bener atawa kaasup anu bohong.

اِذْهَبْ بِّكِتٰبِيْ هٰذَا فَاَلْقِهْ اِلَيْهِمْ ثُمَّ تَوَلَّ عَنْهُمْ فَانْظُرْ مَاذَا يَرْجِعُوْنَ٢٨
Iżhab bikitābī hāżā fa alqih ilaihim ṡumma tawalla ‘anhum fanẓur māżā yarji‘ūn(a).
[28] Jung manéh indit bari (mawa) ieu surat kuring, tuluy puragkeun ka maranéhna. Tuluy nyingkah ti maranéhna bari sérangkeun naon anu dicaritakeun ku maranéhna.”

قَالَتْ يٰٓاَيُّهَا الْمَلَؤُا اِنِّيْٓ اُلْقِيَ اِلَيَّ كِتٰبٌ كَرِيْمٌ٢٩
Qālat yā ayyuhal-mala'u innī ulqiya ilayya kitābun karīm(un).
[29] Anjeunna (Balqis) nyarios, “Hé para pangagung, saenyana geus dikirim ka kuring hiji surat nu penting.

اِنَّهٗ مِنْ سُلَيْمٰنَ وَاِنَّهٗ بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ ۙ٣٠
Innahū min sulaimāna wa innahū bismillāhir-raḥmānir-raḥīm(i).
[30] Sabenerna éta (surat) téh asalna ti Sulaéman nu eusina, ‘Kalayan jenengan Allah Nu Mahawelas (tur) Mahaasih.

اَلَّا تَعْلُوْا عَلَيَّ وَأْتُوْنِيْ مُسْلِمِيْنَ ࣖ٣١
Allā ta‘lū ‘alayya wa'tūnī muslimīn(a).
[31] Aranjeun téh ulah rék sombong ka kuring, sareng aranjeun kedah sumping ka kuring bari sumerah diri.’”

قَالَتْ يٰٓاَيُّهَا الْمَلَؤُا اَفْتُوْنِيْ فِيْٓ اَمْرِيْۚ مَا كُنْتُ قَاطِعَةً اَمْرًا حَتّٰى تَشْهَدُوْنِ٣٢
Qālat yā ayyuhal-mala'u aftūnī fī amrī, mā kuntu qāṭi‘atan amran ḥattā tasyhadūn(i).
[32] Balqis nyarios, “Hé para pangagung, paparin kuring pamanggih aranjeun dina (ieu) urusan. Kuring moal mutuskeun hiji urusan saméméh aranjeun hadir (ka majelis kuring).”

قَالُوْا نَحْنُ اُولُوْا قُوَّةٍ وَّاُولُوْا بَأْسٍ شَدِيْدٍ ەۙ وَّالْاَمْرُ اِلَيْكِ فَانْظُرِيْ مَاذَا تَأْمُرِيْنَ٣٣
Qālū naḥnu ulū quwwatiw wa ulū ba'sin syadīd(in), wal-amru ilaiki fanẓurī māżā ta'murīn(a).
[33] Maranéhna ngajawab, “Urang saréréa ngagaduhan kakuatan anu tohaga (pikeun perang), tapi kaputusan aya dina panangan pangersa. Nya, mangga geura timbang-timbang naon nu hadé diparéntahkeun.”

قَالَتْ اِنَّ الْمُلُوْكَ اِذَا دَخَلُوْا قَرْيَةً اَفْسَدُوْهَا وَجَعَلُوْٓا اَعِزَّةَ اَهْلِهَآ اَذِلَّةً ۚوَكَذٰلِكَ يَفْعَلُوْنَ٣٤
Qālat innal-mulūka iżā dakhalū qaryatan afsadūhā wa ja‘alū a‘izzata ahlihā ażillah(tan), wa każālika yaf‘alūn(a).
[34] Balqis nyarios, “Sabenerna raja-raja, upami nalukkeun hiji nagri, aranjeunna tangtu ngabinasakeunana jeung ngajadikeun pangeusina anu mulya jadi hina. Nya kitu anu ku aranjeunna bakal dilakukeun.

وَاِنِّيْ مُرْسِلَةٌ اِلَيْهِمْ بِهَدِيَّةٍ فَنٰظِرَةٌ ۢبِمَ يَرْجِعُ الْمُرْسَلُوْنَ٣٥
Wa innī mursilatun ilaihim bihadiyyatin fanāẓiratun bima yarji‘ul-mursalūn(a).
[35] Sabenerna kuring rék ngirim utusan ka aranjeunna bari (mawa) hadiah, jeung (kuring rék) nungguan naon anu bakal dibawa mulang ku éta utusan.”

فَلَمَّا جَاۤءَ سُلَيْمٰنَ قَالَ اَتُمِدُّوْنَنِ بِمَالٍ فَمَآ اٰتٰىنِ َۧ اللّٰهُ خَيْرٌ مِّمَّآ اٰتٰىكُمْۚ بَلْ اَنْتُمْ بِهَدِيَّتِكُمْ تَفْرَحُوْنَ٣٦
Falammā jā'a sulaimāna qāla atumiddūnani bimālin famā ātāniyallāhu khairum mimmā ātākum, bal antum bihadiyyatikum tafraḥūn(a).
[36] Waktu éta (para utusan) datang ka Sulaéman, anjeunna nyarios, “Naha aranjeun rék méré harta ka kuring (minangka hadiah)? Naon nu geus dipaparinkeun ku Allah ka kuring leuwih alus batan nu dipaparinkeun ku Allah ka aranjeun, tapi aranjeun mah ngarasa reueus ku éta hadiah téh.

اِرْجِعْ اِلَيْهِمْ فَلَنَأْتِيَنَّهُمْ بِجُنُوْدٍ لَّا قِبَلَ لَهُمْ بِهَا وَلَنُخْرِجَنَّهُمْ مِّنْهَآ اَذِلَّةً وَّهُمْ صٰغِرُوْنَ٣٧
Irji‘ ilaihim falana'tiyannahum bijunūdil lā qibala lahum bihā wa lanukhrijannahum minhā ażillataw wa hum ṣāgirūn(a).
[37] Jig geura mulang ka maranéhna (bari mawa balik hadiah aranjeun)! Kuring pasti rék ngadatangan maranéhna bari mawa bala tentara anu moal bisa diéléhkeun. Kuring pasti bakal ngusir maranéhna ti éta nagri (Saba’) dina kaayaan hina jeung taluk.”

قَالَ يٰٓاَيُّهَا الْمَلَؤُا اَيُّكُمْ يَأْتِيْنِيْ بِعَرْشِهَا قَبْلَ اَنْ يَّأْتُوْنِيْ مُسْلِمِيْنَ٣٨
Qāla yā ayyuhal-mala'u ayyukum ya'tīnī bi‘arsyihā qabla ay ya'tūnī muslimīn(a).
[38] Sulaéman nyarios, “Hé para gegedén, cik saha ti antara aranjeun nu sanggup mawa ka kuring singgasanana (Balqis) saméméh maranéhna datang serah bongkokan?”

قَالَ عِفْرِيْتٌ مِّنَ الْجِنِّ اَنَا۠ اٰتِيْكَ بِهٖ قَبْلَ اَنْ تَقُوْمَ مِنْ مَّقَامِكَۚ وَاِنِّيْ عَلَيْهِ لَقَوِيٌّ اَمِيْنٌ٣٩
Qāla ‘ifrītum minal-jinni ana atīka bihī qabla an taqūma mim maqāmik(a), wa innī ‘alaihi laqawiyyun amīn(un).
[39] ‘Iprit ti golongan jin nyarita, “Abdi anu bakal ngabantun ka gusti sateuacan gusti ngadeg tina singgasana. Sabenerna abdi sanggem ngalaksanakeunana tur tiasa dipercanten.”

قَالَ الَّذِيْ عِنْدَهٗ عِلْمٌ مِّنَ الْكِتٰبِ اَنَا۠ اٰتِيْكَ بِهٖ قَبْلَ اَنْ يَّرْتَدَّ اِلَيْكَ طَرْفُكَۗ فَلَمَّا رَاٰهُ مُسْتَقِرًّا عِنْدَهٗ قَالَ هٰذَا مِنْ فَضْلِ رَبِّيْۗ لِيَبْلُوَنِيْٓ ءَاَشْكُرُ اَمْ اَكْفُرُۗ وَمَنْ شَكَرَ فَاِنَّمَا يَشْكُرُ لِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ كَفَرَ فَاِنَّ رَبِّيْ غَنِيٌّ كَرِيْمٌ٤٠
Qālal-lażī ‘indahū ‘ilmum minal-kitābi ana ātīka bihī qabla ay yartadda ilaika ṭarfuk(a), falammā ra'āhu mustaqirran ‘indahū qāla hāżā min faḍli rabbī, liyabluwanī a'asykuru am akfur(u), wa man syakara fa'innamā yasykuru linafsih(ī), wa man kafara fa'inna rabbī ganiyyun karīm(un).
[40] Saurang anu ngabogaan élmu tina Kitab Suci 634 nyarios, “Abdi badé ngabantun ka gusti bari nyandak (éta singgasana) sateuacan soca gusti ngiceup.” Waktu Sulaéman ningali (éta singgasana) aya di payuneunana, pok anjeunna nyarios, “leu téh kaasup kurnia Pangéran kuring pikeun nguji kuring, naha kuring téh sukuran atawa kupur. Saha baé anu sukuran, sabenerna anjeunna sukuran pikeun (kahadéan) dirina sorangan. Saha baé anu kupur, nya sabenerna Pangéran kuring mah Mahasugih (tur) Mahamulya.”
634) Kitab di dieu maksudna téh nyaéta kitab nu dilungsurkeun saméméh Nabi Sulaéman a.s. nyaéta Torét jeung Jabur.

قَالَ نَكِّرُوْا لَهَا عَرْشَهَا نَنْظُرْ اَتَهْتَدِيْٓ اَمْ تَكُوْنُ مِنَ الَّذِيْنَ لَا يَهْتَدُوْنَ٤١
Qāla nakkirū lahā ‘arsyahā nanẓur atahtadī am takūnu minal-lażīna lā yahtadūn(a).
[41] Sulaéman nyarios, “Pék robah éta (singgasana), tuluy engké urang tingali, naha manéhna (Balqis) ingeteun kénéh atawa henteu.”

فَلَمَّا جَاۤءَتْ قِيْلَ اَهٰكَذَا عَرْشُكِۗ قَالَتْ كَاَنَّهٗ هُوَۚ وَاُوْتِيْنَا الْعِلْمَ مِنْ قَبْلِهَا وَكُنَّا مُسْلِمِيْنَ٤٢
Falammā jā'at qīla ahakażā ‘arsyuk(i), qālat ka'annahū huw(a), wa ūtīnal-‘ilma min qablihā wa kunnā muslimīn(a).
[42] Waktu Balqis dongkap, ditaroskeun (ka anjeunna), “Naha singgasana anjeun téh sapertos kieu?” Balqis ngawaler, “Jigana mah leres ieu. Abdi sadaya mah parantos dipaparinan terang ti sateuacanna ogé, 635 sareng abdi sadaya téh jalmi-jalmi anu sumerah diri (ka Allah).”
635) Balqis tos terang kana kanabian Sulaéman a.s. saméméh tahtana dipindahkeun ti nagri Saba’ ka Palestina kalayan sakedét nétra.

وَصَدَّهَا مَا كَانَتْ تَّعْبُدُ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗاِنَّهَا كَانَتْ مِنْ قَوْمٍ كٰفِرِيْنَ٤٣
Wa ṣaddahā mā kānat ta‘budu min dūnillāh(i), innahā kānat min qaumin kāfirīn(a).
[43] Kabiasaan anjeunna (Balqis) nyembah ka salian ti Allah geus ngahalangan anjeunna (tina taohid). Sabenerna anjeunna téh saméméhna mah kaasup kaom nu kapir.

قِيْلَ لَهَا ادْخُلِى الصَّرْحَۚ فَلَمَّا رَاَتْهُ حَسِبَتْهُ لُجَّةً وَّكَشَفَتْ عَنْ سَاقَيْهَاۗ قَالَ اِنَّهٗ صَرْحٌ مُّمَرَّدٌ مِّنْ قَوَارِيْرَ ەۗ قَالَتْ رَبِّ اِنِّيْ ظَلَمْتُ نَفْسِيْ وَاَسْلَمْتُ مَعَ سُلَيْمٰنَ لِلّٰهِ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ࣖ٤٤
Qīla lahadkhuliṣ-ṣarḥ(a), falammā ra'athu ḥasibathu lujjataw wa kasyafat ‘an sāqaihā, qāla innahū ṣarḥum mumarradum min qawārīr(a), qālat rabbi innī ẓalamtu nafsī wa aslamtu ma‘a sulaimāna lillāhi rabbil-‘ālamīn(a).
[44] Dicarioskeun ka anjeunna (Balqis), “Mangga geura lebet ka istana.” Waktu ningali (téhel istana), anjeunna nyangka éta téh balong cai nu gedé. Anjeunna nyingsatkeun (anggoan nu nutupan) dua bitisna. Sulaéman nyarios, “Saleresna éta téh téhel leucir (patinggurilap) nu didamel tina kaca.” Balqis nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi rumaos parantos dolim ka diri abdi. Abdi sumerah diri nyarengan Sulaéman ka Allah, Pangéran sakumna alam.”

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَآ اِلٰى ثَمُوْدَ اَخَاهُمْ صٰلِحًا اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ فَاِذَا هُمْ فَرِيْقٰنِ يَخْتَصِمُوْنَ٤٥
Wa laqad arsalnā ilā ṡamūda akhāhum ṣāliḥan ani‘budullāha fa'iżā hum farīqāni yakhtaṣimūn(a).
[45] Sabenerna Kami geus ngutus ka (kaom) Samud, dulur maranéhna, nyaéta Soléh (anu maréntah), “Pék geura nyembah ka Allah!” Dadak sakala maranéhna (jadi) dua golongan anu mumusuhan.

قَالَ يٰقَوْمِ لِمَ تَسْتَعْجِلُوْنَ بِالسَّيِّئَةِ قَبْلَ الْحَسَنَةِۚ لَوْلَا تَسْتَغْفِرُوْنَ اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ٤٦
Qāla yā qaumi lima tasta‘jilūna bis-sayyi'ati qablal-ḥasanah(ti), lau lā tastagfirūnallāha la‘allakum turḥamūn(a).
[46] Soléh nyarios, “Hé kaom kuring, ku naon aranjeun maké ménta digancangkeun datangna kagoréngan (siksa) saméméh (ménta) kahadéan (rahmat)? Naha aranjeun téh nyuhunkeun pangapunten ka Allah sangkan aranjeun dipaparinan rahmat.”

قَالُوا اطَّيَّرْنَا بِكَ وَبِمَنْ مَّعَكَۗ قَالَ طٰۤىِٕرُكُمْ عِنْدَ اللّٰهِ بَلْ اَنْتُمْ قَوْمٌ تُفْتَنُوْنَ٤٧
Qāluṭ ṭayyarnā bika wa bimam ma‘ak(a), qāla ṭā'irukum ‘indallāhi bal antum qaumun tuftanūn(a).
[47] Maranéhna ngajawab, “Kuring saréréa meunang nasib anu apes ku sabab anjeun jeung jalma-jalma nu babarengan jeung anjeun.” Soléh nyarios, “Nasib aranjeun mah (apes atawa henteu) aya di mungguhing Allah, (lain lantaran kuring). Aranjeun téh kaom anu keur diuji.”

وَكَانَ فِى الْمَدِيْنَةِ تِسْعَةُ رَهْطٍ يُّفْسِدُوْنَ فِى الْاَرْضِ وَلَا يُصْلِحُوْنَ٤٨
Wa kāna fil-madīnati tis‘atu rahṭiy yufsidūna fil-arḍi wa lā yuṣliḥūn(a).
[48] Di éta kota 636 téh aya salapan urang lalaki anu migawé karuksakan di bumi. Maranéhna teu milampah kahadéan.
636) Numutkeun para ahli tapsir, nu dimaksad kota di dieu téh nyaéta kota kaom Samud, nyaéta kota Al-Hijr.

قَالُوْا تَقَاسَمُوْا بِاللّٰهِ لَنُبَيِّتَنَّهٗ وَاَهْلَهٗ ثُمَّ لَنَقُوْلَنَّ لِوَلِيِّهٖ مَا شَهِدْنَا مَهْلِكَ اَهْلِهٖ وَاِنَّا لَصٰدِقُوْنَ٤٩
Qālū taqāsamū billāhi lanubayyitannahū wa ahlahū ṡumma lanaqūlanna liwaliyyihī mā syahidnā mahlika ahlihī wa innā laṣādiqūn(a).
[49] Maranéhna nyarita, “Aranjeun masing-masing kudu sumpah ku (jenengan) Allah, yén pasti urang bakal nyerang manéhna (Soléh) katut kulawargana dina waktu peuting. Tuluy urang bakal nyarita ka ahli warisna (yén) urang henteu nyaksian kabinasaan éta kulawargana. Sabenerna urang saréréa mah jalma-jalma anu bener.”

وَمَكَرُوْا مَكْرًا وَّمَكَرْنَا مَكْرًا وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ٥٠
Wa makarū makraw wa makarnā makraw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[50] Maranéhna nyieun tipu daya, jeung Kami ogé ngararancang tipu daya, sedengkeun maranéhna henteu sadar.

فَانْظُرْ كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ مَكْرِهِمْ اَنَّا دَمَّرْنٰهُمْ وَقَوْمَهُمْ اَجْمَعِيْنَ٥١
Fanẓur kaifa kāna ‘āqibatu makrihim annā dammarnāhum wa qaumahum ajma‘īn(a).
[51] Pék tengetan kumaha akibat tipu daya maranéhna téh, yén sabenerna Kami ngabinasakeun maranéhna jeung sakabéh kaomna.

فَتِلْكَ بُيُوْتُهُمْ خَاوِيَةً ۢبِمَا ظَلَمُوْاۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ٥٢
Fatilka buyūtuhum khāwiyatam bimā ẓalamū, inna fī żālika la'āyatal liqaumiy ya‘lamūn(a).
[52] Tuh imah maranéhna nu kosong (minangka bukti yén maranéhna binasa) ku sabab kadolimanana. Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom anu ngarti.

وَاَنْجَيْنَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوْا يَتَّقُوْنَ٥٣
Wa anjainal-lażīna āmanū wa kānū yattaqūn(a).
[53] Kami nyalametkeun jalma-jalma anu iman bari salawasna takwa. 637
637) Nabi Soléh a.s. sareng anu nuturkeunana.

وَلُوْطًا اِذْ قَالَ لِقَوْمِهٖٓ اَتَأْتُوْنَ الْفَاحِشَةَ وَاَنْتُمْ تُبْصِرُوْنَ٥٤
Wa lūṭan iż qāla liqaumihī ata'tūnal-fāḥisyata wa antum tubṣirūn(a).
[54] (Sing inget carita) Lut, waktu anjeunna nyarios ka kaomna, “Naha maranéh téh bet milampah pagawéan jahat 638 padahal maranéh nyaho?
638) Maksud fāḥisyah di dieu nyaéta seks nu nyimpang, kaasup homoseksual.

اَىِٕنَّكُمْ لَتَأْتُوْنَ الرِّجَالَ شَهْوَةً مِّنْ دُوْنِ النِّسَاۤءِ ۗبَلْ اَنْتُمْ قَوْمٌ تَجْهَلُوْنَ٥٥
A'innakum lata'tūnar-rijāla syahwatam min dūnin-nisā'(i), bal antum qaumun tajhalūn(a).
[55] Naha maranéh téh bet ngadatangan lalaki, lain ka awéwé, pikeun (nyumponan) syahwat (maranéh)? Sabenerna maranéh téh kaom anu milampah (pagawéan) nu bodo.”

۞ فَمَا كَانَ جَوَابَ قَوْمِهٖٓ اِلَّآ اَنْ قَالُوْٓا اَخْرِجُوْٓا اٰلَ لُوْطٍ مِّنْ قَرْيَتِكُمْۙ اِنَّهُمْ اُنَاسٌ يَّتَطَهَّرُوْنَ٥٦
Famā kāna jawāba qaumihī illā an qālū akhrijū āla lūṭim min qaryatikum, innahum unāsuy yataṭahharūn(a).
[56] Jawaban kaomna téh taya lian iwal ti nyarita, “Usir baé Lut jeung kulawargana ti nagri aranjeun! Sabenerna manéhna téh jalma-jalma anu nyucikeun diri (tina pagawéan jahat).”

فَاَنْجَيْنٰهُ وَاَهْلَهٗٓ اِلَّا امْرَاَتَهٗ قَدَّرْنٰهَا مِنَ الْغٰبِرِيْنَ٥٧
Fa'anjaināhu wa ahlahū illamra'atahū qaddarnāhā minal-gābirīn(a).
[57] Kami nyalametkeun anjeunna (Lut) sareng kulawargana, kajaba istrina. Kami geus nangtukeun (istri)na kaasup (jalma-jalma kapir) anu tinggaleun.

وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهِمْ مَّطَرًاۚ فَسَاۤءَ مَطَرُ الْمُنْذَرِيْنَ ࣖ٥٨
Wa amṭarnā ‘alaihim maṭarā(n), fasā'a maṭarul-munżarīn(a).
[58] Kami bener-bener ngahujanan maranéhna (ku batu). Éta téh sagoréng-goréngna hujan (nu ditimpakeun) ka jalma-jalma anu dibéré pépéling.

قُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ وَسَلٰمٌ عَلٰى عِبَادِهِ الَّذِيْنَ اصْطَفٰىۗ ءٰۤاللّٰهُ خَيْرٌ اَمَّا يُشْرِكُوْنَ ۔٥٩
Qulil-ḥamdu lillāhi wa salāmun ‘alā ‘ibādihil-lażīnaṣṭafā, āllāhu khairun ammā yusyrikūn(a).
[59] Ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Sadaya puji kagungan Allah, sareng kasalametan kanggo hamba-hamba-Na anu janten pilihana-Na. Naha Allah anu langkung saé téh atanapi naon-naon anu ku maranéhna disarékatkeun?

اَمَّنْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَاَنْزَلَ لَكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَنْۢبَتْنَا بِهٖ حَدَاۤىِٕقَ ذَاتَ بَهْجَةٍۚ مَا كَانَ لَكُمْ اَنْ تُنْۢبِتُوْا شَجَرَهَاۗ ءَاِلٰهٌ مَّعَ اللّٰهِ ۗبَلْ هُمْ قَوْمٌ يَّعْدِلُوْنَ ۗ٦٠
Am man khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa anzala minas-samā'i mā'an fa ambatnā bihī ḥadā'iqa żāta bahjah(tin), mā kāna lakum an tumbitū syajarahā, a'ilāhum ma‘allāh(i), bal hum qaumuy ya‘dilūn(a).
[60] Naha (anu ku maranéh disarékatkeun téh leuwih hadé atawa) Dat anu nyiptakeun langit jeung bumi sarta nu nurunkeun cai ti langit pikeun maranéh, tuluy Kami numuwuhkeun kebon-kebon anu éndah ku éta cai (anu) maranéh moal sanggup numuwuhkeun tatangkalanana? Naha aya Pangéran (séjén) nu marengan Allah? Sabenerna maranéhna téh jalma-jalma anu nyalahan (tina bebeneran).

اَمَّنْ جَعَلَ الْاَرْضَ قَرَارًا وَّجَعَلَ خِلٰلَهَآ اَنْهٰرًا وَّجَعَلَ لَهَا رَوَاسِيَ وَجَعَلَ بَيْنَ الْبَحْرَيْنِ حَاجِزًاۗ ءَاِلٰهٌ مَّعَ اللّٰهِ ۗبَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ ۗ٦١
Am man ja‘alal-arḍa qarāraw wa ja‘ala khilālahā anhāraw wa ja‘ala lahā rawāsiya wa ja‘ala bainal-baḥraini ḥājizā(n), a'ilāhum ma‘allāh(i), bal akṡaruhum lā ya‘lamūn(a).
[61] Naha (anu ku maranéh disarékatkeun téh leuwih hadé atawa) Dat anu geus ngajadikeun bumi pikeun tempat cicing, ngajadikeun walungan-walungan dina sela-selana, ngajadikeun gunung-gunung pikeun mageuhanana, jeung ngajadikeun hiji pamisah antara dua laut? 639 Naha aya Pangéran (séjén) nu marengan Allah? Sabenerna kalolobaan maranéhna mah teu nyahoeun.
639) Dua laut di dieu nyaéta laut nu asin jeung walungan badag nu muharana nepi ka laut. Walungan nu hambar waktu nepi ka muhara teu langsung jadi asin.

اَمَّنْ يُّجِيْبُ الْمُضْطَرَّ اِذَا دَعَاهُ وَيَكْشِفُ السُّوْۤءَ وَيَجْعَلُكُمْ خُلَفَاۤءَ الْاَرْضِۗ ءَاِلٰهٌ مَّعَ اللّٰهِ ۗقَلِيْلًا مَّا تَذَكَّرُوْنَۗ٦٢
Am may yujībul-muḍṭarra iżā da‘āhu wa yaksyifus-sū'a wa yaj‘alukum khulafā'a fil-arḍ(i), a'ilāhum ma‘allāh(i), qalīlam mā tażakkarūn(a).
[62] Naha (anu ku maranéh disarékatkeun téh leuwih hadé atawa) Dat anu ngaijabah (doa) jalma nu aya dina kasusah waktu manéhna ngadoa ka Mantenna, ngaleungitkeun éta kasusah, jeung ngajadikeun aranjeun kalipah (pamingpin) di bumi? Naha aya Pangéran (séjén) nu marengan Allah? Saeutik pisan (ni’mat Allah) anu dipiéling ku maranéh?

اَمَّنْ يَّهْدِيْكُمْ فِيْ ظُلُمٰتِ الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَمَنْ يُّرْسِلُ الرِّيٰحَ بُشْرًاۢ بَيْنَ يَدَيْ رَحْمَتِهٖۗ ءَاِلٰهٌ مَّعَ اللّٰهِ ۗتَعٰلَى اللّٰهُ عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٦٣
Am may yahdīkum fī ẓulumātil-barri wal-baḥri wa may yursilur-riyāḥa busyram baina yadai raḥmatih(ī), a'ilāhum ma‘allāh(i), ta‘ālallāhu ‘ammā yusyrikūn(a).
[63] Naha (anu ku maranéh disarékatkeun téh leuwih hadé atawa) Dat anu méré pituduh ka maranéh dina waktu poék di darat jeung di laut, jeung anu ngadatangkeun angin minangka béja pikagumbiraeun saméméh (datang) rahmat-Na? Naha aya Pangéran (séjén) nu marengan Allah? Mahaluhur Allah tina naon nu disarékatkeun ku maranéhna.

اَمَّنْ يَّبْدَؤُا الْخَلْقَ ثُمَّ يُعِيْدُهٗ وَمَنْ يَّرْزُقُكُمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۗ ءَاِلٰهٌ مَّعَ اللّٰهِ ۗقُلْ هَاتُوْا بُرْهَانَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٦٤
Am may yabda'ul-khalqa ṡumma yu‘īduhū wa may yarzuqukum minas-samā'i wal-arḍ(i), a'ilāhum ma‘allāh(i), qul hātū burhānakum in kuntum ṣādiqīn(a).
[64] Naha (anu ku maranéh disarékatkeun téh leuwih hadé atawa) Dat anu nyiptakeun (mahluk) ti ngawitan tuluy malikan (deui) jeung anu maparin rejeki ka maranéh ti langit jeung ti bumi? Naha aya deui Pangéran (séjén) nu marengan Allah? Pék caritakeun, “Témbongkeun bukti benerna maranéh ka dieu lamun maranéh jalma-jalma bener.”

قُلْ لَّا يَعْلَمُ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ الْغَيْبَ اِلَّا اللّٰهُ ۗوَمَا يَشْعُرُوْنَ اَيَّانَ يُبْعَثُوْنَ٦٥
Qul lā ya‘lamu man fis-samāwāti wal-arḍil gaiba illallāh(u), wa mā yasy‘urūna ayyāna yub‘aṡūn(a).
[65] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Henteu aya saurang ogé di langit jeung bumi nu uninga kana perkara gaib anging Allah. Maranéhna henteu nyaho, iraha maranéhna bakal dihudangkeun.”

بَلِ ادّٰرَكَ عِلْمُهُمْ فِى الْاٰخِرَةِۗ بَلْ هُمْ فِيْ شَكٍّ مِّنْهَاۗ بَلْ هُمْ مِّنْهَا عَمُوْنَ ࣖ٦٦
Balid dāraka ‘ilmuhum fil-ākhirah(ti), bal hum fī syakkim minhā, bal hum minhā ‘amūn(a).
[66] Malahan, kanyaho maranéhna kana perkara ahérat bakal kabuktian engké. Malahan, maranéhna mangmang ngeunaan (ahérat). Maranéhna téh lolong pisan tina hal éta.

وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا ءَاِذَا كُنَّا تُرٰبًا وَّاٰبَاۤؤُنَآ اَىِٕنَّا لَمُخْرَجُوْنَ٦٧
Wa qālal-lażīna kafarū a'iżā kunnā turābaw wa ābā'unā a'innā lamukhrajūn(a).
[67] Jalma-jalma nu kupur nyarita, “Sanggeus urang saréréa jadi taneuh jeung (kitu ogé) karuhun-karuhun urang saréréa, naha bener kitu urang saréréa bakal dikaluarkeun (tina kubur)?

لَقَدْ وُعِدْنَا هٰذَا نَحْنُ وَاٰبَاۤؤُنَا مِنْ قَبْلُۙ اِنْ هٰذَآ اِلَّآ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ٦٨
Laqad wu‘idnā hāżā naḥnu wa ābā'unā min qabl(u), in hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[68] Saméméhna urang saréréa téh geus dibéré ancaman ku (éta poé) jeung (kitu ogé) ka karuhun-karuhun urang. Sabenerna ieu téh ngan dongéng jalma-jalma anu baheula.”

قُلْ سِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُجْرِمِيْنَ٦٩
Qul sīrū fil-arḍi fanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-mujrimīn(a).
[69] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Bral aranjeun laleumpang di bumi, tuluy tengetan kumaha tungtungna jalma-jalma nu doraka.”

وَلَا تَحْزَنْ عَلَيْهِمْ وَلَا تَكُنْ فِيْ ضَيْقٍ مِّمَّا يَمْكُرُوْنَ٧٠
Wa lā taḥzan ‘alaihim wa lā takun fī ḍaiqim mimmā yamkurūn(a).
[70] Poma hidep ulah nalangsa lantaran maranéhna sarta ulah ngarasa heurin (haté) tina tipu daya maranéhna.

وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٧١
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[71] Maranéhna (jalma-jalma kapir) nyarita, “lraha datangna jangji (siksa) téh, lamun aranjeun jalma-jalma anu bener?”

قُلْ عَسٰٓى اَنْ يَّكُوْنَ رَدِفَ لَكُمْ بَعْضُ الَّذِيْ تَسْتَعْجِلُوْنَ٧٢
Qul ‘asā ay yakūna radifa lakum ba‘ḍul-lażī tasta‘jilūn(a).
[72] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Boa sabagian tina (siksa) anu ku aranjeun dipénta digancangkeun datangna téh geus ampir tepi ka aranjeun.”

وَاِنَّ رَبَّكَ لَذُوْ فَضْلٍ عَلَى النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَهُمْ لَا يَشْكُرُوْنَ٧٣
Wa inna rabbaka lażū faḍlin ‘alan-nāsi wa lākinna akṡarahum lā yasykurūn(a).
[73] Sabenerna Pangéran hidep bener-bener Dat anu maparin kurnia ka manusa, tapi kalolobaan maranéhna téh henteu sukuran.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَيَعْلَمُ مَا تُكِنُّ صُدُوْرُهُمْ وَمَا يُعْلِنُوْنَ٧٤
Wa inna rabbaka laya‘lamu mā tukinnu ṣudūruhum wa mā yu‘linūn(a).
[74] Sabenerna Pangéran hidep uninga kana naon anu disumputkeun jeung ditémbongkeun dina dadana.

وَمَا مِنْ غَاۤىِٕبَةٍ فِى السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ اِلَّا فِيْ كِتٰبٍ مُّبِيْنٍ٧٥
Wa mā min gā'ibatin fis-samā'i wal-arḍi illā fī kitābim mubīn(in).
[75] Taya perkara nu nyumput di langit jeung di bumi, kajaba (kacatet) dina kitab anu nyata (Loh Mahpud).

اِنَّ هٰذَا الْقُرْاٰنَ يَقُصُّ عَلٰى بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اَكْثَرَ الَّذِيْ هُمْ فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ٧٦
Inna hāżal-qur'āna yaquṣṣu ‘alā banī isrā'īla akṡaral-lażī hum fīhi yakhtalifūn(a).
[76] Sabenerna ieu Al-Qur‘an téh ngajelaskeun ka Bani Israél sabagian gedé tina (perkara) anu dipasaliakeun.

وَاِنَّهٗ لَهُدًى وَّرَحْمَةٌ لِّلْمُؤْمِنِيْنَ٧٧
Wa innahū lahudaw wa raḥmatul lil-mu'minīn(a).
[77] Sabenerna ieu (Al-Qur’an) téh bener-bener jadi pituduh jeung rahmat pikeun jalma-jalma mu’min.

اِنَّ رَبَّكَ يَقْضِيْ بَيْنَهُمْ بِحُكْمِهٖۚ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْعَلِيْمُۚ٧٨
Inna rabbaka yaqḍī bainahum biḥukmih(ī), wa huwal-‘azīzul-‘alīm(u).
[78] Sabenerna Pangéran hidep bakal nganggeuskeun (perkara) di antara maranéhna ku putusana-Na. Mantenna Mahagagah (tur) Mahauninga.

فَتَوَكَّلْ عَلَى اللّٰهِ ۗاِنَّكَ عَلَى الْحَقِّ الْمُبِيْنِ٧٩
Fatawakkal ‘alallāh(i), innaka ‘alal-ḥaqqil mubīn(i).
[79] Mangka, prak sing tawekal ka Allah. Sabenerna hidep (Muhammad) aya dina bebeneran anu nyata.

اِنَّكَ لَا تُسْمِعُ الْمَوْتٰى وَلَا تُسْمِعُ الصُّمَّ الدُّعَاۤءَ اِذَا وَلَّوْا مُدْبِرِيْنَ٨٠
Innaka lā tusmi‘ul-mautā wa lā tusmi‘uṣ-ṣummad-du‘ā'a iżā wallau mudbirīn(a).
[80] Sabenerna hidep moal bisa ngajadikeun jalma nu paéh jeung jalma nu torék bisa ngadéngé panggero saupama maranéhna geus ngabalieur nukang-nonggong.

وَمَآ اَنْتَ بِهٰدِى الْعُمْيِ عَنْ ضَلٰلَتِهِمْۗ اِنْ تُسْمِعُ اِلَّا مَنْ يُّؤْمِنُ بِاٰيٰتِنَا فَهُمْ مُّسْلِمُوْنَ٨١
Wa mā anta bihādil-‘umyi ‘an ḍalālatihim, in tusmi‘u illā may yu'minu bi'āyātinā fahum muslimūn(a).
[81] Hidep moal bisa méré pituduh ka jalma nu lolong tina kasasaranana. Hidep moal bisa ngajadikeun (saurang ogé) ngadéngé, anging jalma-jalma nu iman kana ayat-ayat Kami nepi ka maranéhna sumerah diri.

۞ وَاِذَا وَقَعَ الْقَوْلُ عَلَيْهِمْ اَخْرَجْنَا لَهُمْ دَاۤبَّةً مِّنَ الْاَرْضِ تُكَلِّمُهُمْ اَنَّ النَّاسَ كَانُوْا بِاٰيٰتِنَا لَا يُوْقِنُوْنَ ࣖ٨٢
Wa iżā waqa‘al-qaulu ‘alaihim akhrajnā lahum dābbatam minal-arḍi tukallimuhum annan-nāsa kānū bi'āyātinā lā yūqinūn(a).
[82] Upama éta dawuhan (katangtuan mangsa ancurna alam) geus tumiba ka maranéhna, Kami ngaluarkeun mahluk nu ngarayap ti bumi anu bakal nyarita ka maranéhna, yén manusa téh baheula mah teu yakin kana ayat-ayat Kami.

وَيَوْمَ نَحْشُرُ مِنْ كُلِّ اُمَّةٍ فَوْجًا مِّمَّنْ يُّكَذِّبُ بِاٰيٰتِنَا فَهُمْ يُوْزَعُوْنَ٨٣
Wa yauma naḥsyuru min kulli ummatin faujam mimmay yukażżibu bi'āyātinā fahum yūza‘ūn(a).
[83] (Sing inget) kana poé (nalika) Kami ngumpulkeun sagolongan jalma ti saban umat, nyaéta maranéhna anu ngabohongkeun ayat-ayat Kami, tuluy maranéhna dibagi-bagi deui (jadi sababaraha golongan).

حَتّٰٓى اِذَا جَاۤءُوْ قَالَ اَكَذَّبْتُمْ بِاٰيٰتِيْ وَلَمْ تُحِيْطُوْا بِهَا عِلْمًا اَمَّاذَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٨٤
Ḥattā iżā jā'ū qāla akażżabtum bi'āyātī wa lam tuḥīṭū bihā ‘ilman ammāżā kuntum ta‘malūn(a).
[84] Nepi ka upama maranéhna datang, Mantenna (Allah) ngadawuh, “Naha maranéh bet ngabohongkeun ayat-ayat Kami, padahal maranéh téh henteu boga élmu nu nyukupan ngeunaan éta perkara 640 atawa (lamun henteu ngabohongkeunna), naon baé atuh anu geus dipigawé ku maranéh téh?”
640) Jalma-jalma musrik Arab téh ngabohongkeun kana ayat-ayat Allah bari teu dipikir heula.

وَوَقَعَ الْقَوْلُ عَلَيْهِمْ بِمَا ظَلَمُوْا فَهُمْ لَا يَنْطِقُوْنَ٨٥
Wa waqa‘al-qaulu ‘alaihim bimā ẓalamū fahum lā yanṭiqūn(a).
[85] Éta dawuhan (kaputusan siksa) téh tumiba ka maranéhna alatan kadolimanana, nepi ka maranéhna téh henteu bisa nyarita (keur mélaan diri).

اَلَمْ يَرَوْا اَنَّا جَعَلْنَا الَّيْلَ لِيَسْكُنُوْا فِيْهِ وَالنَّهَارَ مُبْصِرًاۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٨٦
Alam yarau annā ja‘alnal-laila liyaskunū fīhi wan-nahāra mubṣirā(n), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[86] Naha maranéhna henteu niténan yén Kami geus nyiptakeun peuting sangkan maranéhna reureuh di dinya, jeung (nyiptakeun) beurang nu caang narawangan? Sabenerna dina éta téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun kaom anu iman.

وَيَوْمَ يُنْفَخُ فِى الصُّوْرِ فَفَزِعَ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ اِلَّا مَنْ شَاۤءَ اللّٰهُ ۗوَكُلٌّ اَتَوْهُ دٰخِرِيْنَ٨٧
Wa yauma yunfakhu fiṣ-ṣūri fa fazi‘a man fis-samāwāti wa man fil-arḍi illā man syā'allāh(u), wa kullun atauhu dākhirīn(a).
[87] (Sing inget) kana poé (nalika) ditiup sangkakala, nepi ka pada rareuwas sakabéh nu aya di langit jeung sakabéh nu aya di bumi, kajaba nu ku Allah dikersakeun. Kabéh pada datang nyanghareup ka Mantenna bari handap asor.

وَتَرَى الْجِبَالَ تَحْسَبُهَا جَامِدَةً وَّهِيَ تَمُرُّ مَرَّ السَّحَابِۗ صُنْعَ اللّٰهِ الَّذِيْٓ اَتْقَنَ كُلَّ شَيْءٍۗ اِنَّهٗ خَبِيْرٌۢ بِمَا تَفْعَلُوْنَ٨٨
Wa taral-jibāla taḥsabuhā jāmidataw wa hiya tamurru marras saḥāb(i), ṣun‘allāhil-lażī atqana kulla syai'(in), innahū khabīrum bimā taf‘alūn(a).
[88] Manéh bakal nénjo gunung-gunung nu ku panyangka manéh cicing dina tempatna, padahal mah maju kawas majuna méga. (Kitu tah) padamelan Allah nu ngajadikeun sagala perkara kalayan sampurna. Sabenerna Mantenna Mahataliti kana naon nu dipigawé ku maranéh.

مَنْ جَاۤءَ بِالْحَسَنَةِ فَلَهٗ خَيْرٌ مِّنْهَاۚ وَهُمْ مِّنْ فَزَعٍ يَّوْمَىِٕذٍ اٰمِنُوْنَ٨٩
Man jā'a bil-ḥasanati falahū khairum minhā, wa hum min faza‘iy yauma'iżin āminūn(a).
[89] Saha baé anu datang mawa kahadéan, nya manéhna meunang (wawales) nu leuwih hadé tibatan éta, jeung maranéhna ngarasa tengtrem tina kareuwas (nu rongkah) dina éta poé.

وَمَنْ جَاۤءَ بِالسَّيِّئَةِ فَكُبَّتْ وُجُوْهُهُمْ فِى النَّارِۗ هَلْ تُجْزَوْنَ اِلَّا مَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٩٠
Wa man jā'a bis-sayyi'ati fakubbat wujūhuhum fin-nār(i), hal tujzauna illā mā kuntum ta‘malūn(a).
[90] Saha baé nu datang mawa kagoréngan, nya dikusrukkeun beungeut-beungeut maranéhna kana naraka. Naha maranéh diwales salian (nu satimpal) jeung nu kungsi dipilampah ku maranéh?

اِنَّمَآ اُمِرْتُ اَنْ اَعْبُدَ رَبَّ هٰذِهِ الْبَلْدَةِ الَّذِيْ حَرَّمَهَا وَلَهٗ كُلُّ شَيْءٍ وَّاُمِرْتُ اَنْ اَكُوْنَ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ ۙ٩١
Innamā umirtu an a‘buda rabba hāżihil-baldatil-lażī ḥarramahā wa lahū kullu syai'iw wa umirtu an akūna minal-muslimīn(a).
[91] Sabenerna kuring (Muhammad) mah ngan diparéntahkeun sangkan nyembah ka Pangéran ieu nagri (Mekah) nu dijadikeun suci jeung ngagaduhan sagala perkara. Kuring diparéntah sangkan asup kana golongan jalma-jalma muslim.

وَاَنْ اَتْلُوَا الْقُرْاٰنَ ۚفَمَنِ اهْتَدٰى فَاِنَّمَا يَهْتَدِيْ لِنَفْسِهٖۚ وَمَنْ ضَلَّ فَقُلْ اِنَّمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُنْذِرِيْنَ٩٢
Wa an atluwal-qur'ān(a), famanihtadā fa'innamā yahtadī linafsih(ī), wa man ḍalla faqul innamā ana minal-munżirīn(a).
[92] (Kuring ogé ngan wungkul diparéntah) pikeun mangmacakeun Al-Qur’an (ka manusa). Nya, saha baé nu meunang pituduh, sabenerna pikeun (kahadéan) dirina sorangan. Saha baé nu sasar, nya pék caritakeun, “Sabenerna kuring mah taya lian saukur salah saurang nu méré pépéling.”

وَقُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ سَيُرِيْكُمْ اٰيٰتِهٖ فَتَعْرِفُوْنَهَاۗ وَمَا رَبُّكَ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ ࣖ٩٣
Wa qulil-ḥamdu lillāhi sayurīkum āyātihī fata‘rifūnahā, wa mā rabbuka bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[93] Pék geura caritakeun ku hidep (Muhammad), “Sagala puji kagungan Allah. Mantenna bakal némbongkeun tanda-tanda (kaagungana)-Na ka aranjeun, nepi ka aranjeun bakal nyaho. Pangéran hidep mah moal lali kana naon anu dipilampah ku aranjeun.”