Surah Asy-Syu`ara`

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
طٰسۤمّۤ١
Ṭā Sīm Mīm.
[1] Ṭā Sīn Mīm. 617
617) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

تِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ الْمُبِيْنِ٢
Tilka āyātul-kitābil-mubīn(i).
[2] Éta téh ayat-ayat Kitab (Al-Qur’an) anu jelas.

لَعَلَّكَ بَاخِعٌ نَّفْسَكَ اَلَّا يَكُوْنُوْا مُؤْمِنِيْنَ٣
La‘allaka bākhi‘un nafsaka allā yakūnū mu'minīn(a).
[3] Bisa jadi hidep (Muhammad) rék ngabinasakeun diri hidep sorangan (bakating ku sedih), lantaran maranéhna (urang Mekah) henteu daék iman baé.

اِنْ نَّشَأْ نُنَزِّلْ عَلَيْهِمْ مِّنَ السَّمَاۤءِ اٰيَةً فَظَلَّتْ اَعْنَاقُهُمْ لَهَا خٰضِعِيْنَ٤
In nasya' nunazzil ‘alaihim minas-samā'i āyatan fa ẓallat a‘nāquhum lahā khāḍi‘īn(a).
[4] Upama ngersakeun, tangtu Kami nurunkeun bukti (mujijat) ka maranéhna ti langit nepi ka punduk maranéhna tunduk kana éta bukti.

وَمَا يَأْتِيْهِمْ مِّنْ ذِكْرٍ مِّنَ الرَّحْمٰنِ مُحْدَثٍ اِلَّا كَانُوْا عَنْهُ مُعْرِضِيْنَ٥
Wa mā ya'tīhim min żikrim minar-raḥmāni muḥdaṡin illā kānū ‘anhu mu‘riḍīn(a).
[5] Henteu datang ka maranéhna hiji pépéling anyar (ayat Al-Qur’an) ti Pangéran Nu Mahawelas, kajaba maranéhna tuluy-tuluyan ngabalieur.

فَقَدْ كَذَّبُوْا فَسَيَأْتِيْهِمْ اَنْۢبـٰۤؤُا مَا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ٦
Faqad każżabū fa saya'tīhim ambā'u mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[6] Sabenerna maranéhna geus ngabohongkeun (kana Al-Qur’an). Mangka, engké bakal datang ka maranéhna (benerna) béja-béja ngeunaan naon (siksaan) anu baheula diguguyonkeun (ku maranéhna).

اَوَلَمْ يَرَوْا اِلَى الْاَرْضِ كَمْ اَنْۢبَتْنَا فِيْهَا مِنْ كُلِّ زَوْجٍ كَرِيْمٍ٧
Awalam yarau ilal-arḍi kam ambatnā fīhā min kulli zaujin karīm(in).
[7] Naha maranéhna henteu niténan bumi sabaraha lobana Kami geus numuwuhkeun di dinya rupa-rupa (tutuwuhan) nu hadé?

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةًۗ وَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٨
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[8] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kaagungan Allah), (tapi) kalolobaan maranéhna henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ٩
Inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[9] Sabenerna Pangéran hidep téh nya Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.

وَاِذْ نَادٰى رَبُّكَ مُوْسٰٓى اَنِ ائْتِ الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَ ۙ١٠
Wa iż nādā rabbuka mūsā ani'til-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[10] (Sing inget) nalika Pangéran hidep nimbalan Musa (ku dawuh-Na), “Pék datangan éta kaom anu dolim,

قَوْمَ فِرْعَوْنَ ۗ اَلَا يَتَّقُوْنَ١١
Qauma fir‘aun(a), alā yattaqūn(a).
[11] (nyaéta) kaom Fir’aun. Naha maranéhna henteu daék takwa?”

قَالَ رَبِّ اِنِّيْٓ اَخَافُ اَنْ يُّكَذِّبُوْنِ ۗ١٢
Qāla rabbi innī akhāfu ay yukażżibūn(i).
[12] Anjeunna (Musa) nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi téh rémpan maranéhna bakal ngabohongkeun ka abdi.

وَيَضِيْقُ صَدْرِيْ وَلَا يَنْطَلِقُ لِسَانِيْ فَاَرْسِلْ اِلٰى هٰرُوْنَ١٣
Wa yaḍīqu ṣadrī wa lā yanṭaliqu lisānī fa arsil ilā hārūn(a).
[13] Dada abdi karaos sumpeg, sareng létah abdi henteu béntés. Ku margi kitu, mugi Gusti ngutus Harun (nyarengan abdi). 618
618) Supaya Harun ogé diangkat jadi rasul pikeun mantuan anjeunna.

وَلَهُمْ عَلَيَّ ذَنْۢبٌ فَاَخَافُ اَنْ يَّقْتُلُوْنِ ۚ١٤
Wa lahum ‘alayya żambun fa akhāfu ay yaqtulūn(i).
[14] Abdi gaduh dosa ka maranéhna. 619 Mangka, abdi sieun maranéhna maéhan abdi.”
619) Musa a.s. nyanggem yén anjeunna téh ngaraos doraka ka urang Mesir. Éta téh ngan ukur anggapan urang Mesir wungkul, sabab sabenerna Musa téh henteu doraka. Anjeunna maéhan urang Mesir téh kalayan henteu dihaja. Satuluyna tingali Al-Qaṣaṣ/28:15.

قَالَ كَلَّا ۚفَاذْهَبَا بِاٰيٰتِنَآ اِنَّا مَعَكُمْ مُّسْتَمِعُوْنَ ۙ١٥
Qāla kallā, fażhabā bi'āyātinā innā ma‘akum mustami‘ūn(a).
[15] Mantenna (Allah) ngadawuh, “Moal (maranéhna moal bisa maéhan hidep). Bral baé hidep duaan indit bari mawa ayat-ayat (mujijat-mujijat) Kami. Sabenerna Kami marengan hidep duaan ngadéngékeun (naon anu ku maranéhna diucapkeun).

فَأْتِيَا فِرْعَوْنَ فَقُوْلَآ اِنَّا رَسُوْلُ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۙ١٦
Fa'tiyā fir‘auna faqūlā innā rasūlu rabbil-‘ālamīn(a).
[16] Mangka, geura datang baé hidep duaan ka Fir’aun jeung pok caritakeun, “Sabenerna kuring duaan téh utusan Pangéran sakumna alam.

اَنْ اَرْسِلْ مَعَنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۗ١٧
An arsil ma‘anā banī isrā'īl(a).
[17] Geura bébaskeun Bani Israél (sina indit) bareng jeung kuring duaan (ka Baitulmakdis).”

قَالَ اَلَمْ نُرَبِّكَ فِيْنَا وَلِيْدًا وَّلَبِثْتَ فِيْنَا مِنْ عُمُرِكَ سِنِيْنَ ۗ١٨
Qāla alam nurabbika fīnā walīdaw wa labiṡta fīnā min ‘umurika sinīn(a).
[18] Manéhna (Fir’aun) nyarita, “Apan kami geus ngasuh manéh di lingkungan (kulawarga) kami, waktu manéh orok kénéh jeung manéh cicing bareng jeung kami sababaraha taun lilana tina umur anjeun? 620
620) Musa cicing babarengan jeung Fir’aun ti orok kénéh, leuwih kurang 18 taun.

وَفَعَلْتَ فَعْلَتَكَ الَّتِيْ فَعَلْتَ وَاَنْتَ مِنَ الْكٰفِرِيْنَ١٩
Wa fa‘alta fa‘latakal-latī fa‘alta wa anta minal-kāfirīn(a).
[19] Manéh (Musa) geus milampah (kasalahan mangrupa) pagawéan anu geus dilakukeun (maéhan hiji jalma ti kaom kami) jeung manéh téh kaasup jalma nu ingkar (kana kahadéan jeung kapangéranan kami).”

قَالَ فَعَلْتُهَآ اِذًا وَّاَنَا۠ مِنَ الضَّاۤلِّيْنَ٢٠
Qāla fa‘altuhā iżaw wa ana minaḍ-ḍāllīn(a).
[20] Anjeunna (Musa) ngawaler, “Kuring geus ngalakukeunana. Mun kitu mah, harita kuring téh kaasup jalma-jalma anu sasar.

فَفَرَرْتُ مِنْكُمْ لَمَّا خِفْتُكُمْ فَوَهَبَ لِيْ رَبِّيْ حُكْمًا وَّجَعَلَنِيْ مِنَ الْمُرْسَلِيْنَ٢١
Fa farartu minkum lammā khiftukum fa wahaba lī rabbī ḥukmaw wa ja‘alanī minal-mursalīn(a).
[21] Tuluy, kuring kabur ti aranjeun lantaran sieun ku aranjeun. Tuluy, Pangéran kuring ngurniakeun ka kuring hukum (élmu jeung kawijaksanaan) sarta ngajadikeun kuring salah saurang rasul.

وَتِلْكَ نِعْمَةٌ تَمُنُّهَا عَلَيَّ اَنْ عَبَّدْتَّ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۗ٢٢
Wa tilka ni‘matun tamunnuhā ‘alayya an ‘abbatta banī isrā'īl(a).
[22] Éta téh kani’matan anu dipaparinkeun ka kuring, (sedengkeun) anjeun ngajantenkeun Bani Israél abid (budak beulian).”

قَالَ فِرْعَوْنُ وَمَا رَبُّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ٢٣
Qāla fir‘aunu wa mā rabbul-‘ālamīn(a).
[23] Fir’aun nyarita, “Saha téa Pangéran sakumna alam téh?”

قَالَ رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَاۗ اِنْ كُنْتُمْ مُّوْقِنِيْنَ٢٤
Qāla rabbus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā, in kuntum mūqinīn(a).
[24] Anjeunna (Musa) ngawaler, “Pangéran (anu nyiptakeun sareng miara) langit jeung bumi sareng sagala nu aya di antarana, upami aranjeun nguping mah (naon anu dicarioskeunana)?”

قَالَ لِمَنْ حَوْلَهٗٓ اَلَا تَسْتَمِعُوْنَ٢٥
Qāla liman ḥaulahū alā tastami‘ūn(a).
[25] Manéhna (Fir’aun) nyarita ka jalma-jalma nu aya di sabudereunana, “Naha maranéh ngadéngé (naon anu dicaritakeunana)?”

قَالَ رَبُّكُمْ وَرَبُّ اٰبَاۤىِٕكُمُ الْاَوَّلِيْنَ٢٦
Qāla rabbukum wa rabbu ābā'ikumul-awwalīn(a).
[26] Anjeunna (Musa) nyarios, “(Mantenna) Pangéran aranjeun jeung Pangéran karuhun aranjeun baheula.”

قَالَ اِنَّ رَسُوْلَكُمُ الَّذِيْٓ اُرْسِلَ اِلَيْكُمْ لَمَجْنُوْنٌ٢٧
Qāla inna rasūlakumul-lażī ursila ilaikum lamajnūn(un).
[27] Manéhna (Fir’aun) nyarita, “Sabenerna rasul maranéh anu diutus ka maranéh téh bener-bener gélo.”

قَالَ رَبُّ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَمَا بَيْنَهُمَاۗ اِنْ كُنْتُمْ تَعْقِلُوْنَ٢٨
Qāla rabbul-masyriqi wal-magribi wa mā bainahumā, in kuntum ta‘qilūn(a).
[28] Anjeunna (Musa) nyarios, “(Mantenna) Pangéran (anu ngawasa) wétan jeung kulon, sareng nu aya di antarana lamun aranjeun ngagunakeun akal mah.”

قَالَ لَىِٕنِ اتَّخَذْتَ اِلٰهًا غَيْرِيْ لَاَجْعَلَنَّكَ مِنَ الْمَسْجُوْنِيْنَ٢٩
Qāla la'inittakhażta ilāhan gairī la'aj‘alannaka minal-masjūnīn(a).
[29] Manéhna (Fir’aun) nyarita, “Sabenerna upama manéh nyembah Pangéran salian ti kuring, tangtu kuring bener-bener ngajadikeun manéh kaasup jalma-jalma nu bakal dibui.”

قَالَ اَوَلَوْ جِئْتُكَ بِشَيْءٍ مُّبِيْنٍ٣٠
Qāla awalau ji'tuka bisyai'im mubīn(in).
[30] Anjeunna (Musa) nyarios, “Naha (anjeun rék ngalakukeun hal éta) sanajan kuring ngadatangkeun ka anjeun (bukti) anu jelas?”

قَالَ فَأْتِ بِهٖٓ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٣١
Qāla fa'ti bihī in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[31] Manéhna (Fir’aun) nyarita, “Sok datangkeun éta (bukti nu jelas) lamun manéh kaasup jalma-jalma anu bener mah!”

فَاَلْقٰى عَصَاهُ فَاِذَا هِيَ ثُعْبَانٌ مُّبِيْنٌ ۚ٣٢
Fa alqā ‘aṣāhu fa iżā hiya ṡu‘bānum mubīn(un).
[32] Nya anjeunna (Musa) ngalungkeun iteukna, dadak sakala éta (iteuk) jadi oray anu nyata.

وَنَزَعَ يَدَهٗ فَاِذَا هِيَ بَيْضَاۤءُ لِلنّٰظِرِيْنَ ࣖ٣٣
Wa naza‘a yadahū fa iżā hiya baiḍā'u lin-nāẓirīn(a).
[33] Anjeunna ngaluarkeun pananganana, ujug-ujug (éta panangan) jadi bodas (cahayaan) pikeun jalma anu ningalna.

قَالَ لِلْمَلَاِ حَوْلَهٗٓ اِنَّ هٰذَا لَسٰحِرٌ عَلِيْمٌ ۙ٣٤
Qāla lil-mala'i ḥaulahū inna hāżā lasāḥirun ‘alīm(un).
[34] Manéhna (Fir’aun) nyarita ka para gegedén di sabudereunana, “Sabenerna manéhna (Musa) téh bener-bener tukang sihir nu pinter.

يُّرِيْدُ اَنْ يُّخْرِجَكُمْ مِّنْ اَرْضِكُمْ بِسِحْرِهٖۖ فَمَاذَا تَأْمُرُوْنَ٣٥
Yurīdu ay yukhrijakum min arḍikum bisiḥrih(ī), fa māżā ta'murūn(a).
[35] Manéhna rék ngaluarkeun aranjeun ti nagri aranjeun ku sihirna. Nya, cik naon nu rék disarankeun ku aranjeun?”

قَالُوْٓا اَرْجِهْ وَاَخَاهُ وَابْعَثْ فِى الْمَدَاۤىِٕنِ حٰشِرِيْنَ ۙ٣٦
Qālū arjih wa akhāhu wab‘aṡ fil-madā'ini ḥāsyirīn(a).
[36] Maranéhna nyarita, “Tahan baé (samentawis) manéhna sareng dulurna sarta utus ka sadaya nagri jalmi-jalmi anu bakal ngempelkeun (ahli sihir).

يَأْتُوْكَ بِكُلِّ سَحَّارٍ عَلِيْمٍ٣٧
Ya'tūka bikulli saḥḥārin ‘alīm(in).
[37] Maranéhna bakal ngadongkapkeun ka anjeun sadaya ahli sihir anu pinter.”

فَجُمِعَ السَّحَرَةُ لِمِيْقَاتِ يَوْمٍ مَّعْلُوْمٍ ۙ٣٨
Fa jumi‘as-saḥaratu limīqāti yaumim ma‘lūm(in).
[38] Mangka, ahli-ahli sihir dikumpulkeun dina waktu (nu ditetepkeun) (tur) dina poé anu geus ditangtukeun.

وَّقِيْلَ لِلنَّاسِ هَلْ اَنْتُمْ مُّجْتَمِعُوْنَ ۙ٣٩
Wa qīla lin-nāsi hal antum mujtami‘ūn(a).
[39] Tuluy dibéwarakeun ka balaréa, “Naha aranjeun kabéh geus karumpul?

لَعَلَّنَا نَتَّبِعُ السَّحَرَةَ اِنْ كَانُوْا هُمُ الْغٰلِبِيْنَ٤٠
La‘allanā nattabi‘us-saḥarata in kānū humul-gālibīn(a).
[40] (Tujuanana) supaya urang saréréa nuturkeun éta para ahli sihir lamun maranéhna téh jadi anu unggul.”

فَلَمَّا جَاۤءَ السَّحَرَةُ قَالُوْا لِفِرْعَوْنَ اَىِٕنَّ لَنَا لَاَجْرًا اِنْ كُنَّا نَحْنُ الْغٰلِبِيْنَ٤١
Falammā jā'as-saḥaratu qālū lifir‘auna a'inna lanā la'ajran in kunnā naḥnul-gālibīn(a).
[41] Nya, waktu geus daratang, para ahli sihir nyarita ka Fir’aun, “Naha abdi sadaya bener-bener bakal kénging buruh nu ageung saupami abdi sadaya unggul?”

قَالَ نَعَمْ وَاِنَّكُمْ اِذًا لَّمِنَ الْمُقَرَّبِيْنَ٤٢
Qāla na‘am wa innakum iżal laminal-muqarrabīn(a).
[42] Manéhna (Fir’aun) ngajawab, “Enya, malah aranjeun téh bener-bener jadi jalma anu deukeut (ka kuring).”

قَالَ لَهُمْ مُّوْسٰٓى اَلْقُوْا مَآ اَنْتُمْ مُّلْقُوْنَ٤٣
Qāla lahum mūsā alqū mā antum mulqūn(a).
[43] Musa nyarios ka maranéhna, “Sok atuh alungkeun naon baé anu rék dialungkeun ku aranjeun!”

فَاَلْقَوْا حِبَالَهُمْ وَعِصِيَّهُمْ وَقَالُوْا بِعِزَّةِ فِرْعَوْنَ اِنَّا لَنَحْنُ الْغٰلِبُوْنَ٤٤
Fa alqau ḥibālahum wa ‘iṣiyyahum wa qālū bi‘izzati fir‘auna innā lanaḥnul-gālibūn(a).
[44] Tuluy maranéhna ngalungkeun tali-tali jeung iteuk-iteukna, bari nyarita, “Demi kakawasaan Fir’aun, saenyana kuring saréréa anu bener-bener bakal unggul!”

فَاَلْقٰى مُوْسٰى عَصَاهُ فَاِذَا هِيَ تَلْقَفُ مَا يَأْفِكُوْنَ ۚ٤٥
Fa alqā mūsā ‘aṣāhu fa iżā hiya talqafu mā ya'fikūn(a).
[45] Tuluy Musa ngalungkeun iteukna, dadak sakala éta (iteuk nu geus jadi oray) ngaleglegan sagala anu diaya-ayakeun ku maranéhna. 621
621) Tali jeung iteuk nu dialungkeunku tukang sihir téh nu kabayang siga oray ku maranéhna, sakabéhna dileglegan ku iteuk Nabi Musa a.s. anu jadi oray enyaan.

فَاُلْقِيَ السَّحَرَةُ سٰجِدِيْنَ ۙ٤٦
Fa ulqiyas-saḥaratu sājidīn(a).
[46] Nya, bruk baé éta para ahli sihir téh nyuuh (bari) sujud.

قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۙ٤٧
Qālū āmannā birabbil-‘ālamīn(a).
[47] Maranéhna nyarita, “Kuring sadaya iman ka Pangéran sakumna alam,

رَبِّ مُوْسٰى وَهٰرُوْنَ٤٨
Rabbi mūsā wa hārūn(a).
[48] (nyaéta) Pangéranana Musa sareng Harun.”

قَالَ اٰمَنْتُمْ لَهٗ قَبْلَ اَنْ اٰذَنَ لَكُمْۚ اِنَّهٗ لَكَبِيْرُكُمُ الَّذِيْ عَلَّمَكُمُ السِّحْرَۚ فَلَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَ ەۗ لَاُقَطِّعَنَّ اَيْدِيَكُمْ وَاَرْجُلَكُمْ مِّنْ خِلَافٍ وَّلَاُصَلِّبَنَّكُمْ اَجْمَعِيْنَۚ٤٩
Qāla āmantum lahū qabla an āżana lakum, innahū lakabīrukumul-lażī ‘allamakumus-siḥr(a), fa lasaufa ta‘lamūn(a), la'uqaṭṭi‘anna aidiyakum wa arjulakum min khilāfiw wa la'uṣallibannakum ajma'īn(a).
[49] (Manéhna) Fir’aun nyarita, “Naha maranéh kabéh iman ka manéhna (Musa) saméméh diidinan ku kuring? Sabenerna manéhna téh pamingpin maranéh anu ngajarkeun sihir ka maranéh. Nya, maranéh tangtu bakal nyaho (akibat pagawéan maranéh). Pasti kuring neukteuk leungeun jeung suku maranéh disilangkeun jeung sabenerna kuring bakal nyalib maranéh kabéh.”

قَالُوْا لَا ضَيْرَ ۖاِنَّآ اِلٰى رَبِّنَا مُنْقَلِبُوْنَ ۚ٥٠
Qālū lā ḍair(a), innā ilā rabbinā munqalibūn(a).
[50] Maranéhna ngajawab, “Henteu aya anu ku abdi sadaya dipikasieun. Sabenerna abdi sadaya mah bakal wangsul ka Pangéran abdi sadaya.

اِنَّا نَطْمَعُ اَنْ يَّغْفِرَ لَنَا رَبُّنَا خَطٰيٰنَآ اَنْ كُنَّآ اَوَّلَ الْمُؤْمِنِيْنَ ۗ ࣖ٥١
Innā naṭma‘u ay yagfira lanā rabbunā khaṭāyānā an kunnā awwalal-mu'minīn(a).
[51] Sabenerna abdi sadaya mikahoyong yén Pangéran abdi sadaya bakal ngahapunten kalepatan-kalepatan abdi sadaya margi abdi sadaya téh jalmi-jalmi anu mu’min.”

۞ وَاَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰىٓ اَنْ اَسْرِ بِعِبَادِيْٓ اِنَّكُمْ مُّتَّبَعُوْنَ٥٢
Wa auḥainā ilā mūsā an asri bi‘ibādī innakum muttaba‘ūn(a).
[52] Kami ngawahyukeun (maréntahkeun) ka Musa, “Bral geura indit ti peuting jeung hamba-hamba Kami (Bani Israél). Sabenerna aranjeun bakal dituturkeun.”

فَاَرْسَلَ فِرْعَوْنُ فِى الْمَدَاۤىِٕنِ حٰشِرِيْنَ ۚ٥٣
Fa arsala fir‘aunu fil-madā'ini ḥāsyirīn(a).
[53] Tuluy Fir’aun ngutus jalma ka kota-kota pikeun ngumpulkeun (wadya-baladna).

اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ لَشِرْذِمَةٌ قَلِيْلُوْنَۙ٥٤
Inna hā'ulā'i lasyirzimatun qalīlūn(a).
[54] (Fir’aun nyarita), “Sabenerna maranéhna (Bani Israél) téh ngan golongan anu saeutik.

وَاِنَّهُمْ لَنَا لَغَاۤىِٕظُوْنَ ۙ٥٥
Wa innahum lanā lagā'iẓūn(a).
[55] Sabenerna maranéhna geus nyababkeun urang ambek.

وَاِنَّا لَجَمِيْعٌ حٰذِرُوْنَ ۗ٥٦
Wa innā lajamī‘un ḥāżirūn(a).
[56] Sabenerna urang saréréa mah bener-bener salawasna waspada.”

فَاَخْرَجْنٰهُمْ مِّنْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍ ۙ٥٧
Fa akhrajnāhum min jannātiw wa ‘uyūn(in).
[57] Kami ngaluarkeun maranéhna (Fir’aun jeung kaomna) tina (nagri maranéhna anu aya di dinya) taman jeung cinyusu,

وَّكُنُوْزٍ وَّمَقَامٍ كَرِيْمٍ ۙ٥٨
Wa kunūziw wa maqāmin karīm(in).
[58] jeung harta banda sarta tempat cicing nu hadé. 622
622) Fir’aun jeung kaomna waktu ngudag Nabi Musa a.s. jeung Bani Israél, nya harita maranéhna téh geus kaluar ti nagrina kalayan ninggalkeun karajaan, kaagungan, kaméwahan, jeung sajabana.

كَذٰلِكَۚ وَاَوْرَثْنٰهَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ۗ٥٩
Każālik(a), wa auraṡnāhā banī isrā'īl(a).
[59] Kitu tah, Kami ngawariskeun éta kabéh ka Bani Israél. 623
623) Allah bakal maparin ka Bani Israél hiji karajaan nu weweg, karasulan, jeung sajabana.

فَاَتْبَعُوْهُمْ مُّشْرِقِيْنَ٦٠
Fa atba‘ūhum musyriqīn(a).
[60] Tuluy (Fir’aun katut wadya-baladna bisa) nyusul aranjeunna dina waktu meleték panonpoé.

فَلَمَّا تَرٰۤءَا الْجَمْعٰنِ قَالَ اَصْحٰبُ مُوْسٰٓى اِنَّا لَمُدْرَكُوْنَ ۚ٦١
Falammā tarā'al-jam‘āni qāla aṣḥābu mūsā innā lamudrakūn(a).
[61] Waktu dua golongan geus silih ténjo, jalma-jalma nu nuturkeun Musa pok nyarita, “Sabenerna urang saréréa bener-bener bakal kasusul.”

قَالَ كَلَّا ۗاِنَّ مَعِيَ رَبِّيْ سَيَهْدِيْنِ٦٢
Qāla kallā, inna ma‘iya rabbī sayahdīn(i).
[62] Anjeunna (Musa) nyarios, “Moal! Sabenerna Pangéran kuring nyarengan. Mantenna bakal nuduhkeun ka kuring.”

فَاَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰٓى اَنِ اضْرِبْ بِّعَصَاكَ الْبَحْرَۗ فَانْفَلَقَ فَكَانَ كُلُّ فِرْقٍ كَالطَّوْدِ الْعَظِيْمِ ۚ٦٣
Fa auḥainā ilā mūsā aniḍrib bi‘aṣākal-baḥr(a), fanfalaqa fa kāna kullu firqin kaṭ-ṭaudil ‘aẓīm(i).
[63] Tuluy Kami ngawahyukeun ka Musa, “Pék geura teunggeul éta laut ku iteuk hidep.” Mangka, bray beulah (éta laut) téh jeung saban beulahanana saperti gunung nu gedé pisan.

وَاَزْلَفْنَا ثَمَّ الْاٰخَرِيْنَ ۚ٦٤
Wa azlafnā ṡammal-ākharīn(a).
[64] Di dinya, Kami ngadeukeutkeun golongan séjén. 624
624) Nu dimaksad “golongan séjénna” téh nyaéta Fir’aun jeung kaomna. Nu dimaksud dina ieu ayat nyaéta di lebah beulahan laut téa, teras Allah ngadeukeutkeun Fir’aun jeung kaomna ka Nabi Musa a.s. jeung Bani Israél.

وَاَنْجَيْنَا مُوْسٰى وَمَنْ مَّعَهٗٓ اَجْمَعِيْنَ ۚ٦٥
Wa anjainā mūsā wa mam ma‘ahū ajma‘īn(a).
[65] Kami nyalametkeun Musa jeung sadaya jalma nu marenganana.

ثُمَّ اَغْرَقْنَا الْاٰخَرِيْنَ ۗ٦٦
Ṡumma agraqnal-ākharīn(a).
[66] Tuluy Kami neuleumkeun éta golongan nu séjén.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٦٧
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[67] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna téh henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ٦٨
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[68] Sabenerna Pangéran hidep téh Mahagagah (tur) Mahaasih.

وَاتْلُ عَلَيْهِمْ نَبَاَ اِبْرٰهِيْمَ ۘ٦٩
Watlu ‘alaihim naba'a ibrāhīm(a).
[69] Pék bacakeun ka maranéhna béja (ngeunaan) Ibrahim.

اِذْ قَالَ لِاَبِيْهِ وَقَوْمِهٖ مَا تَعْبُدُوْنَ٧٠
Iż qāla li'abīhi wa qaumihī mā ta‘budūn(a).
[70] Waktu anjeunna (Ibrahim) nyarios ka ramana jeung ka kaomna, “Naon anu ku aranjeun disembah téh?”

قَالُوْا نَعْبُدُ اَصْنَامًا فَنَظَلُّ لَهَا عٰكِفِيْنَ٧١
Qālū na‘budu aṣnāman fa naẓallu lahā ‘ākifīn(a).
[71] Maranéhna ngajawab, “Kuring saréréa nyembah berhala-berhala jeung rék tuluy-tuluyan nyembah ka dinya.”

قَالَ هَلْ يَسْمَعُوْنَكُمْ اِذْ تَدْعُوْنَ ۙ٧٢
Qāla hal yasma‘ūnakum iż tad‘ūn(a).
[72] Anjeunna naros, “Naha maranéhna téh ngadéngé ka aranjeun waktu aranjeun ngadoa (ka maranéhna)?

اَوْ يَنْفَعُوْنَكُمْ اَوْ يَضُرُّوْنَ٧٣
Au yanfa‘ūnakum au yaḍurrūn(a).
[73] Atawa, naha maranéhna (bisaeun) méré mangpa’at atawa madarat ka aranjeun?”

قَالُوْا بَلْ وَجَدْنَآ اٰبَاۤءَنَا كَذٰلِكَ يَفْعَلُوْنَ٧٤
Qālū bal wajadnā ābā'anā każālika yaf‘alūn(a).
[74] Maranéhna ngajawab, “Henteu, ngan kuring saréréa manggihan karuhun kuring saréréa migawé siga kitu.”

قَالَ اَفَرَءَيْتُمْ مَّا كُنْتُمْ تَعْبُدُوْنَ ۙ٧٥
Qāla afa ra'aitum mā kuntum ta‘budūn(a).
[75] Anjeunna naros deui, “Naha aranjeun geus niténan naon nu salawasna ku aranjeun disembah?

اَنْتُمْ وَاٰبَاۤؤُكُمُ الْاَقْدَمُوْنَ ۙ٧٦
Antum wa ābā'ukumul-aqdamūn(a).
[76] Aranjeun jeung karuhun aranjeun nu baheula?

فَاِنَّهُمْ عَدُوٌّ لِّيْٓ اِلَّا رَبَّ الْعٰلَمِيْنَ ۙ٧٧
Fa innahum ‘aduwwul lī illā rabbal-‘ālamīn(a).
[77] Sabenerna maranéhna téh nyaéta musuh kuring, béda jeung Pangéran sakumna alam.

الَّذِيْ خَلَقَنِيْ فَهُوَ يَهْدِيْنِ ۙ٧٨
Allażī khalaqanī fa huwa yahdīn(i).
[78] (Allah) nu geus nyiptakeun kuring. Nya, Mantenna (ogé) nu maparin pituduh ka kuring,

وَالَّذِيْ هُوَ يُطْعِمُنِيْ وَيَسْقِيْنِ ۙ٧٩
Wal-lażī huwa yuṭ‘imunī wa yasqīn(i).
[79] Mantenna (ogé) nu maparin kuring dahareun jeung inumeun.

وَاِذَا مَرِضْتُ فَهُوَ يَشْفِيْنِ ۙ٨٠
Wa iżā mariḍtu fa huwa yasyfīn(i).
[80] Waktu kuring gering, Mantenna anu nyageurkeun kuring.

وَالَّذِيْ يُمِيْتُنِيْ ثُمَّ يُحْيِيْنِ ۙ٨١
Wal-lażī yumītunī ṡumma yuḥyīn(i).
[81] (Mantenna) anu bakal ngamaotkeun, lajeng bakal ngahirupkeun (deui) kuring.

وَالَّذِيْٓ اَطْمَعُ اَنْ يَّغْفِرَ لِيْ خَطِيْۤـَٔتِيْ يَوْمَ الدِّيْنِ ۗ٨٢
Wal-lażī aṭma‘u ay yagfira lī khaṭī'atī yaumad-dīn(i).
[82] (Mantenna) anu ku kuring dipiharep pisan sangkan ngahapunten kasalahan kuring dina poé Wawales.”

رَبِّ هَبْ لِيْ حُكْمًا وَّاَلْحِقْنِيْ بِالصّٰلِحِيْنَ ۙ٨٣
Rabbi hab lī ḥukmaw wa alḥiqnī biṣ-ṣāliḥīn(a).
[83] (Ibrahim ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi, paparin hukum (élmu jeung hikmah) ka abdi sareng mugi amprokkeun abdi sareng jalmi-jalmi anu soléh.

وَاجْعَلْ لِّيْ لِسَانَ صِدْقٍ فِى الْاٰخِرِيْنَ ۙ٨٤
Waj‘al lī lisāna ṣidqin fil-ākhirīn(a).
[84] Jantenkeun abdi minangka bahan carita anu saé di sabudeureun jalma-jalma (nu dongkap) sapandeurieunana.

وَاجْعَلْنِيْ مِنْ وَّرَثَةِ جَنَّةِ النَّعِيْمِ ۙ٨٥
Waj‘alnī miw waraṡati janatin na‘īm(i).
[85] Jantenkeun abdi kalebet jalmi anu bakal ngawaris sawarga nu pinuh ku kani’matan,

وَاغْفِرْ لِاَبِيْٓ اِنَّهٗ كَانَ مِنَ الضَّاۤلِّيْنَ ۙ٨٦
Wagfir li'abī innahū kāna minaḍ-ḍāllīn(a).
[86] Hapunten pun bapa! Saleresna anjeunna téh kalebet jalmi-jalmi nu sasar.

وَلَا تُخْزِنِيْ يَوْمَ يُبْعَثُوْنَۙ٨٧
Wa lā tukhzinī yauma yub‘aṡūn(a).
[87] Mugi Gusti ulah ngahinakeun abdi dina dinten maranéhna dihudangkeun.

يَوْمَ لَا يَنْفَعُ مَالٌ وَّلَا بَنُوْنَ ۙ٨٨
Yauma lā yanfa‘u māluw wa lā banūn(a).
[88] (Nyaéta) dina dintenan anu taya (deui) gunana harta banda sareng palaputra.

اِلَّا مَنْ اَتَى اللّٰهَ بِقَلْبٍ سَلِيْمٍ ۗ٨٩
Illā man atallāha biqalbin salīm(in).
[89] Kajabi, jalmi nu nepangan ka Allah kalayan haté anu beresih.”

وَاُزْلِفَتِ الْجَنَّةُ لِلْمُتَّقِيْنَ ۙ٩٠
Wa uzlifatil-jannatu lil-muttaqīn(a).
[90] Sawarga dideukeutkeun ka jalma-jalma nu takwa,

وَبُرِّزَتِ الْجَحِيْمُ لِلْغَاوِيْنَ ۙ٩١
Wa burrizatil-jaḥīmu lil-gāwīn(a).
[91] (Naraka) Jahim ditémbongkeun kalayan jelas ka jalma-jalma nu sasar.

وَقِيْلَ لَهُمْ اَيْنَ مَا كُنْتُمْ تَعْبُدُوْنَ ۙ٩٢
Wa qīla lahum ainamā kuntum ta‘budūn(a).
[92] Dicaritakeun ka maranéhna, “Di mana berhala-berhala anu tuluy-tuluyan disembah ku maranéh?

مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗهَلْ يَنْصُرُوْنَكُمْ اَوْ يَنْتَصِرُوْنَ ۗ٩٣
Min dūnillāh(i), hal yanṣurūnakum au yantaṣirūn(a).
[93] (Nyaéta, Pangéran) salian ti Allah. Naha maranéhna téh bisaeun nulungan maranéh atawa dirina sorangan?”

فَكُبْكِبُوْا فِيْهَا هُمْ وَالْغَاوٗنَ ۙ٩٤
Fa kubkibū fīhā hum wal-gāwūn(a).
[94] Maranéhna (éta sesembahan) téh dijungkirkeun di jero (naraka) babarengan jeung jalma-jalma nu sasar.

وَجُنُوْدُ اِبْلِيْسَ اَجْمَعُوْنَ ۗ٩٥
Wa junūdu iblīsa ajma‘ūn(a).
[95] (Nya kitu ogé) wadyabalad Iblis (jeung) kabéhanana (dijungkirkeun).

قَالُوْا وَهُمْ فِيْهَا يَخْتَصِمُوْنَ٩٦
Qālū wa hum fīhā yakhtaṣimūn(a).
[96] Maranéhna (jalma-jalma nu sasar) nyarita bari paséa di jerona (naraka).

تَاللّٰهِ اِنْ كُنَّا لَفِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ ۙ٩٧
Tallāhi in kunnā lafī ḍalālim mubīn(in).
[97] “Demi Allah, sabenerna urang saréréa baheula (di dunya) téh bener-bener aya dina kasasaran anu nyata,

اِذْ نُسَوِّيْكُمْ بِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَ٩٨
Iż nusawwīkum birabbil-‘ālamīn(a).
[98] (nyaéta) waktu urang saréréa nyaruakeun maranéh (berhala-berhala) jeung Pangéran sakumna alam.

وَمَآ اَضَلَّنَآ اِلَّا الْمُجْرِمُوْنَ٩٩
Wa mā aḍallanā illal-mujrimūn(a).
[99] Henteu aya anu nyasarkeun ka urang saréréa, kajaba anu daroraka.

فَمَا لَنَا مِنْ شٰفِعِيْنَ ۙ١٠٠
Famā lanā min syāfi‘īn(a).
[100] Taya nu méré sapa’at (pitulung) pikeun urang saréréa.

وَلَا صَدِيْقٍ حَمِيْمٍ١٠١
Wa lā ṣadīqin ḥamīm(in).
[101] Henteu ogé sobat dalit.

فَلَوْ اَنَّ لَنَا كَرَّةً فَنَكُوْنَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ١٠٢
Falau anna lanā karratan fa nakūna minal-mu'minīn(a).
[102] Lamun urang saréréa bisa mulang deui mah (ka dunya), tangtu urang saréréa jadi jalma-jalma nu iman.”

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٠٣
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[103] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi lolobana mah maranéhna téh henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٠٤
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[104] Sabenerna Pangéran hidep téh nya Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.

كَذَّبَتْ قَوْمُ نُوْحِ ِۨالْمُرْسَلِيْنَ ۚ١٠٥
Każżabat qaumu nūḥinil-mursalīn(a).
[105] Kaom Nuh geus ngabohongkeun para rasul.

اِذْ قَالَ لَهُمْ اَخُوْهُمْ نُوْحٌ اَلَا تَتَّقُوْنَ ۚ١٠٦
Iż qāla lahum akhūhum nūḥun alā tattaqūn(a).
[106] Waktu dulur maranéhna, Nuh, nyarios, “Naha ku naon henteu takwa?”

اِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ ۙ١٠٧
Innī lakum rasūlun amīn(un).
[107] Sabenerna kuring téh hiji rasul kapercaya (nu diutus) ka aranjeun.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِۚ١٠٨
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[108] Mangka, aranjeun kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَمَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍۚ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلٰى رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۚ١٠٩
Wa mā as'alukum ‘alaihi min ajr(in), in ajriya illā ‘alā rabbil-‘ālamīn(a).
[109] Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun ku (pangajak) éta. Buruh kuring mah ngan wungkul ti Pangéran sakumna alam.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ١١٠
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[110] Mangka, aranjeun kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.”

۞ قَالُوْٓا اَنُؤْمِنُ لَكَ وَاتَّبَعَكَ الْاَرْذَلُوْنَ ۗ١١١
Qālū anu'minu laka wattaba‘akal-arżalūn(a).
[111] Maranéhna nyarita, “Naha kuring saréréa kudu iman ka anjeun, padahal anu nuturkeun anjeun mah jalma-jalma hina?”

قَالَ وَمَا عِلْمِيْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ ۚ١١٢
Qāla wa mā ‘ilmī bimā kānū ya‘malūn(a).
[112] Nuh ngawaler, “Naon atuh kanyaho kuring ngeunaan perkara anu biasa dipilampah ku maranéhna?

اِنْ حِسَابُهُمْ اِلَّا عَلٰى رَبِّيْ لَوْ تَشْعُرُوْنَ ۚ١١٣
In ḥisābuhum illā ‘alā rabbī lau tasy‘urūn(a).
[113] Itungan (amal) maranéhna taya lian, anging ti anu aya di Pangéran kuring, lamun maranéh sadar.

وَمَآ اَنَا۠ بِطَارِدِ الْمُؤْمِنِيْنَ ۚ١١٤
Wa mā ana biṭāridil-mu'minīn(a).
[114] Kuring moal ngusir jalma-jalma nu iman.

اِنْ اَنَا۠ اِلَّا نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ ۗ١١٥
In ana illā nażīrum mubīn(un).
[115] Kuring téh taya lian, anging nu sok méré pépéling anu jelas.”

قَالُوْا لَىِٕنْ لَّمْ تَنْتَهِ يٰنُوْحُ لَتَكُوْنَنَّ مِنَ الْمَرْجُوْمِيْنَۗ١١٦
Qālū la'illam tantahi yā nūḥu latakūnanna minal-marjūmīn(a).
[116] Maranéhna nyarita, “Hé Nuh, lamun anjeun henteu eureun (dina dakwah), tangtu anjeun bakal kaasup jalma-jalma anu dirajam.”

قَالَ رَبِّ اِنَّ قَوْمِيْ كَذَّبُوْنِۖ١١٧
Qāla rabbi inna qaumī każżabūn(i).
[117] Nuh nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna kaom abdi téh ngabohongkeun abdi.

فَافْتَحْ بَيْنِيْ وَبَيْنَهُمْ فَتْحًا وَّنَجِّنِيْ وَمَنْ مَّعِيَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ١١٨
Faftaḥ bainī wa bainahum fatḥaw wa najjinī wa mam ma‘iya minal-mu'minīn(a).
[118] Nya, mugi Gusti maparin putusan antara abdi sareng maranéhna sarta nyalametkeun abdi sareng jalmi-jalmi mu’min nyarengan abdi.”

فَاَنْجَيْنٰهُ وَمَنْ مَّعَهٗ فِى الْفُلْكِ الْمَشْحُوْنِ١١٩
Fa anjaināhu wa mam ma‘ahū fil-fulkil-masyḥūn(i).
[119] Kami nyalametkeun anjeunna (Nuh) jeung jalma-jalma nu babarengan jeung anjeunna dina parahu nu pinuh ku muatan.

ثُمَّ اَغْرَقْنَا بَعْدُ الْبَاقِيْنَ١٢٠
Ṡumma agraqnā ba‘dul-bāqīn(a).
[120] Tuluy sanggeus kitu Kami neuleumkeun jalma-jalma nu sésana (anu teu iman).

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٢١
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[121] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna téh henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٢٢
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[122] Pangéran hidep téh bener-bener mung Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.

كَذَّبَتْ عَادُ ِۨالْمُرْسَلِيْنَ ۖ١٢٣
Każżabat ‘ādunil-mursalīn(a).
[123] Kaom ‘Ad geus ngabohongkeun para rasul.

اِذْ قَالَ لَهُمْ اَخُوْهُمْ هُوْدٌ اَلَا تَتَّقُوْنَ ۚ١٢٤
Iż qāla lahum akhūhum hūdun alā tattaqūn(a).
[124] Waktu dulur maranéhna, Hud, nyarios, “Kunaon aranjeun henteu takwa?

اِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ ۙ١٢٥
Innī lakum rasūlun amīn(un).
[125] Sabenerna kuring téh hiji rasul kapercaya (nu diutus) ka aranjeun.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ ۚ١٢٦
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[126] Mangka, pék aranjeun kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَمَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍۚ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلٰى رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ١٢٧
Wa mā as'alukum ‘alaihi min ajr(in), in ajriya illā ‘alā rabbil-‘ālamīn(a).
[127] Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun lantaran éta (pangajak). Buruh kuring mah ngan wungkul ti Pangéran sakumna alam.

اَتَبْنُوْنَ بِكُلِّ رِيْعٍ اٰيَةً تَعْبَثُوْنَ ۙ١٢٨
Atabnūna bikulli rī‘in āyatan ta‘baṡūn(a).
[128] Naha aranjeun ngadegkeun istana di saban tempat nu luhur pikeun kamegahan bari henteu dicicingan?

وَتَتَّخِذُوْنَ مَصَانِعَ لَعَلَّكُمْ تَخْلُدُوْنَۚ١٢٩
Wa tattakhiżūna maṣāni‘a la‘allakum takhludūn(a).
[129] Aranjeun (ogé) nyieun bénténg-bénténg kalayan miharep hirup langgeng?

وَاِذَا بَطَشْتُمْ بَطَشْتُمْ جَبَّارِيْنَۚ١٣٠
Wa iżā baṭasytum baṭasytum jabbārīn(a).
[130] Upama nyiksa, aranjeun ngalakukeunana téh kalayan telenges jeung bengis.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِۚ١٣١
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[131] Mangka, pék aranjeun kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَاتَّقُوا الَّذِيْٓ اَمَدَّكُمْ بِمَا تَعْلَمُوْنَ ۚ١٣٢
Wattaqul-lażī amaddakum bimā ta‘lamūn(a).
[132] Pék aranjeun tetep takwa ka (Allah) nu geus ngurniakeun ka aranjeun naon anu (ayeuna) dipikanyaho ku aranjeun.

اَمَدَّكُمْ بِاَنْعَامٍ وَّبَنِيْنَۙ١٣٣
Amaddakum bi'an‘āmiw wa banīn(a).
[133] Mantenna (Allah) geus ngurniakeun ka aranjeun sato ingon jeung anak-incu.

وَجَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍۚ١٣٤
Wa jannātiw wa ‘uyūn(in).
[134] (Mantenna ogé ngurniakeun) kebon-kebon jeung cinyusu.

اِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ ۗ١٣٥
Innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[135] Sabenerna kuring sieun bisi maranéh ditibanan siksa dina poé nu rongkah.”

قَالُوْا سَوَاۤءٌ عَلَيْنَآ اَوَعَظْتَ اَمْ لَمْ تَكُنْ مِّنَ الْوٰعِظِيْنَ ۙ١٣٦
Qālū sawā'un ‘alainā awa‘aẓta am lam takum minal-wā‘iẓīn(a).
[136] Maranéhna ngajawab, “Sarua baé pikeun kuring saréréa mah, boh anjeun méré naséhat atawa henteu méré naséhat.

اِنْ هٰذَآ اِلَّا خُلُقُ الْاَوَّلِيْنَ ۙ١٣٧
In hāżā illā khuluqul-awwalīn(a).
[137] (Agama kuring saréréa) téh taya lian iwal ti agama jalma-jalma baheula.

وَمَا نَحْنُ بِمُعَذَّبِيْنَ ۚ١٣٨
Wa mā naḥnu bimu‘ażżabīn(a).
[138] Kuring saréréa moal pisan disiksa.”

فَكَذَّبُوْهُ فَاَهْلَكْنٰهُمْۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٣٩
Fa każżabūhu fa ahlaknāhum, inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[139] Mangka, maranéhna ngabohongkeunana (Hud). Tuluy Kami ngabinasakeun maranéhna. Sabenerna dina éta téh aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna mah henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٤٠
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[140] Pangéran hidep téh bener-bener Mahagagah (tur) Mahaasih.

كَذَّبَتْ ثَمُوْدُ الْمُرْسَلِيْنَ ۖ١٤١
Każżabat ṡamūdul-mursalīn(a).
[141] Kaom Samud geus ngabohongkeun para rasul.

اِذْ قَالَ لَهُمْ اَخُوْهُمْ صٰلِحٌ اَلَا تَتَّقُوْنَ ۚ١٤٢
Iż qāla lahum akhūhum ṣāliḥun alā tattaqūn(a).
[142] Waktu dulur maranéhna, Soléh, nyarios ka maranéhna, “Naha aranjeun henteu takwa?

اِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ ۙ١٤٣
Innī lakum rasūlun amīn(un).
[143] Sabenerna kuring téh hiji rasul kapercaya (nu diutus) ka aranjeun.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ ۚ١٤٤
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[144] Mangka, pék kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَمَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍۚ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلٰى رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ١٤٥
Wa mā as'alukum ‘alaihi min ajr(in), in ajriya illā ‘alā rabbil-‘ālamīn(a).
[145] Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun lantaran éta (pangajak). Buruh kuring mah ngan wungkul ti Pangéran sakumna alam.

اَتُتْرَكُوْنَ فِيْ مَا هٰهُنَآ اٰمِنِيْنَ ۙ١٤٦
Atutrakūna fīmā hāhunā āminīn(a).
[146] Naha aranjeun (nyangka) bakal diantep baé cicing di dieu (nagri) bari aman?

فِيْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍ ۙ١٤٧
Fī jannātiw wa ‘uyūn(in).
[147] (Nyaéta) di kebon-kebon jeung cinyusu

وَّزُرُوْعٍ وَّنَخْلٍ طَلْعُهَا هَضِيْمٌ ۚ١٤٨
Wa zurū‘iw wa nakhlin ṭal‘uhā haḍīm(un).
[148] jeung pepelakan sarta tangkal korma nu mayangna lemes.

وَتَنْحِتُوْنَ مِنَ الْجِبَالِ بُيُوْتًا فٰرِهِيْنَ١٤٩
Wa tanḥitūna minal-jibāli buyūtan fārihīn(a).
[149] Aranjeun taliti mahat sabagian gunung-gunung pikeun dijadikeun imah-iman anu agréng.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ ۚ١٥٠
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[150] Mangka, kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَلَا تُطِيْعُوْٓا اَمْرَ الْمُسْرِفِيْنَ ۙ١٥١
Wa lā tuṭī‘ū amral-musrifīn(a).
[151] Poma ulah nuturkeun kana paréntah jalma-jalma nu ngaleuwihan wates.

الَّذِيْنَ يُفْسِدُوْنَ فِى الْاَرْضِ وَلَا يُصْلِحُوْنَ١٥٢
Allażīna yufsidūna fil-arḍi wa lā yaṣliḥūn(a).
[152] (Maranéhna) anu milampah karuksakan di bumi jeung henteu ngalakukeun kamaslahatan.”

قَالُوْٓا اِنَّمَآ اَنْتَ مِنَ الْمُسَحَّرِيْنَ ۙ١٥٣
Qālū innamā anta minal-musaḥḥarīn(a).
[153] Maranéhna nyarita, “Sabenerna anjeun téh ngan saukur jalma nu kakeunaan ku sihir.

مَآ اَنْتَ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُنَاۙ فَأْتِ بِاٰيَةٍ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ١٥٤
Mā anta illā basyarum miṡlunā, fa'ti bi'āyatin in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[154] Anjeun téh taya lian iwal ti manusa saperti kuring saréréa. Mangka pék atuh ngadatangkeun tanda (mujijat) lamun anjeun kaasup jalma-jalma nu bener mah.”

قَالَ هٰذِهٖ نَاقَةٌ لَّهَا شِرْبٌ وَّلَكُمْ شِرْبُ يَوْمٍ مَّعْلُوْمٍ ۚ١٥٥
Qāla hāżihī nāqatul lahā syirbuw wa lakum syirbu yaumim ma‘lūm(in).
[155] Soléh ngawaler, “Ieu téh hiji onta bikang nu boga (giliran) nginum jeung maranéh (ogé) boga (giliran) nginum dina poé anu geus ditangtukeun.

وَلَا تَمَسُّوْهَا بِسُوْۤءٍ فَيَأْخُذَكُمْ عَذَابُ يَوْمٍ عَظِيْمٍ١٥٦
Wa lā tamassūhā bisū'in fa ya'khużakum ‘ażābu yaumin ‘aẓīm(in).
[156] Poma ulah rék nyepeng éta onta bikang kalayan kajahatan. Engké aranjeun bakal ditibanan siksa dina poé anu rongkah.”

فَعَقَرُوْهَا فَاَصْبَحُوْا نٰدِمِيْنَ ۙ١٥٧
Fa ‘aqarūhā fa aṣbaḥū nādimīn(a).
[157] Maranéhna téh maéhan éta onta, tuluy jadi jalma-jalma anu kaduhung.

فَاَخَذَهُمُ الْعَذَابُۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٥٨
Fa akhażahumul-‘ażāb(u), inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[158] Maranéhna ditibanan siksa. Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna mah henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٥٩
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[159] Sabenerna Pangéran hidep téh Mahagagah (tur) Mahaasih.

كَذَّبَتْ قَوْمُ لُوْطِ ِۨالْمُرْسَلِيْنَ ۖ١٦٠
Każżabat qaumu lūṭinil-mursalīn(a).
[160] Kaom Lut geus ngabohongkeun para rasul.

اِذْ قَالَ لَهُمْ اَخُوْهُمْ لُوْطٌ اَلَا تَتَّقُوْنَ ۚ١٦١
Iż qāla lahum akhūhum lūṭun alā tattaqūn(a).
[161] Waktu dulur maranéhna, Lut, nyarios, “Naha aranjeun henteu takwa?

اِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ ۙ١٦٢
Innī lakum rasūlun amīn(un).
[162] Sabenerna kuring téh hiji rasul kapercaya (nu diutus) ka aranjeun.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ ۚ١٦٣
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[163] Mangka, pék kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَمَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلٰى رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ١٦٤
Wa mā as'alukum ‘alaihi min ajrin in ajriya illā ‘alā rabbil-‘ālamīn(a).
[164] Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun lantaran éta (ajakan). Buruh kuring mah taya lian, iwal ti Pangéran sakumna alam.

اَتَأْتُوْنَ الذُّكْرَانَ مِنَ الْعٰلَمِيْنَ ۙ١٦٥
Ata'tūnaż-żukrāna minal-‘ālamīn(a).
[165] Naha aranjeun bet ngadatangan papada lalaki ti antara manusa (milampah homoseks).

وَتَذَرُوْنَ مَا خَلَقَ لَكُمْ رَبُّكُمْ مِّنْ اَزْوَاجِكُمْۗ بَلْ اَنْتُمْ قَوْمٌ عَادُوْنَ١٦٦
Wa tażarūna mā khalaqa lakum rabbukum min azwājikum, bal antum qamun ‘ādūn(a).
[166] Sedengkeun, aranjeun ninggalkeun (wanoja) nu diciptakeun Pangéran keur jadi pamajikan aranjeun? Aranjeun téh (mémang) geus ngaliwatan wates.”

قَالُوْا لَىِٕنْ لَّمْ تَنْتَهِ يٰلُوْطُ لَتَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُخْرَجِيْنَ١٦٧
Qālū la'illam tantahi yā lūṭu latakūnanna minal-mukhrajīn(a).
[167] Maranéhna ngajawab, “Hé Lut, lamun anjeun henteu eureun (nyegah kuring saréréa), pasti anjeun bener-bener bakal kaasup jalma-jalma nu diusir.”

قَالَ اِنِّيْ لِعَمَلِكُمْ مِّنَ الْقَالِيْنَ ۗ١٦٨
Qāla innī li‘amalikum minal-qālīn(a).
[168] Lut nyarios, “Sabenerna kuring kaasup jalma-jalma anu pohara ceuceubna kana laku lampah aranjeun.”

رَبِّ نَجِّنِيْ وَاَهْلِيْ مِمَّا يَعْمَلُوْنَ١٦٩
Rabbi najjinī wa ahlī mimmā ya‘malūn(a).
[169] (Lut ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti nyalametkeun abdi sareng kulawarga abdi tina naon anu dipilampah ku maranéhna.”

فَنَجَّيْنٰهُ وَاَهْلَهٗٓ اَجْمَعِيْنَ ۙ١٧٠
Fa najjaināhu wa ahlahū ajma‘īn(a).
[170] Nya, Kami nyalametkeun anjeunna bareng jeung sakabéh kulawargana.

اِلَّا عَجُوْزًا فِى الْغٰبِرِيْنَ ۚ١٧١
Illā ‘ajūzan fil-gābirīn(a).
[171] Kajaba hiji awéwé kolot (istrina) anu kaasup golongan (jalma-jalma) nu tinggaleun.

ثُمَّ دَمَّرْنَا الْاٰخَرِيْنَ ۚ١٧٢
Ṡumma dammarnal-ākharīn(a).
[172] Tuluy Kami ngabinasakeun nu lianna.

وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهِمْ مَّطَرًاۚ فَسَاۤءَ مَطَرُ الْمُنْذَرِيْنَ١٧٣
Wa amṭarnā ‘alaihim maṭarā(n), fa sā'a maṭarul-munżarīn(a).
[173] Kami ngahujanan maranéhna (ku batu). Pohara goréngna hujan nu ninggang jalma-jalma nu geus dibéré éta pépéling.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٧٤
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[174] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna téh henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٧٥
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[175] Sabenerna Pangéran hidep téh Mahagagah (tur) Mahaasih.

كَذَّبَ اَصْحٰبُ لْـَٔيْكَةِ الْمُرْسَلِيْنَ ۖ١٧٦
Każżaba aṣḥābul-aikatil-mursalīn(a).
[176] Pangeusi Nagri Aikah (Madyan) 625 geus ngabohongkeun rasul-rasul.
625) Pangeusi nagri Madyan téh nyaéta kaom Nabi Syuéb a.s.

اِذْ قَالَ لَهُمْ شُعَيْبٌ اَلَا تَتَّقُوْنَ ۚ١٧٧
Iż qāla lahum syu‘aibun alā tattaqūn(a).
[177] Waktu Su’éb nyarios ka maranéhna, “Ku naon maranéh henteu takwa?

اِنِّيْ لَكُمْ رَسُوْلٌ اَمِيْنٌ ۙ١٧٨
Innī lakum rasūlun amīn(un).
[178] Sabenerna kuring téh rasul kapercaya (nu diutus) ka aranjeun.

فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوْنِ ۚ١٧٩
Fattaqullāha wa aṭī‘ūn(i).
[179] Mangka, pék kudu takwa ka Allah jeung ta’at ka kuring.

وَمَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلٰى رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ١٨٠
Wa mā as'alukum ‘alaihi min ajrin in ajriya illā ‘alā rabbil-‘ālamīn(a).
[180] Kuring henteu ménta buruh ka aranjeun lantaran éta (pangajak). Buruh kuring mah taya lian, ngan wungkul ti Pangéran sakumna alam.

۞ اَوْفُوا الْكَيْلَ وَلَا تَكُوْنُوْا مِنَ الْمُخْسِرِيْنَ ۚ١٨١
Auful-kaila wa lā takūnū minal-mukhsirīn(a).
[181] Sampurnakeun ku éta takeran jeung poma ulah kaasup jalma-jalma nu ngarugikeun batur.

وَزِنُوْا بِالْقِسْطَاسِ الْمُسْتَقِيْمِ ۚ١٨٢
Wazinū bil-qisṭāsil-mustaqīm(i).
[182] Pék geura nimbang ku timbangan anu bener.

وَلَا تَبْخَسُوا النَّاسَ اَشْيَاۤءَهُمْ وَلَا تَعْثَوْا فِى الْاَرْضِ مُفْسِدِيْنَ ۚ١٨٣
Wa lā tabkhasun-nāsa asy-yā'ahum wa lā ta‘ṡau fil-arḍi mufsidīn(a).
[183] Poma ulah ngarugikeun manusa ku ngurangan hak-hakna jeung ulah nyieun karuksakan di bumi.

وَاتَّقُوا الَّذِيْ خَلَقَكُمْ وَالْجِبِلَّةَ الْاَوَّلِيْنَ ۗ١٨٤
Wattaqul-lażī khalaqakum wal-jibillatal-awwalīn(a).
[184] Pék kudu takwa ka Allah nu geus nyiptakeun aranjeun jeung umat-umat baheula.”

قَالُوْٓا اِنَّمَآ اَنْتَ مِنَ الْمُسَحَّرِيْنَ ۙ١٨٥
Qālū innamā anta minal-musaḥḥarīn(a).
[185] Maranéhna nyarita, “Sabenerna anjeun téh ngan saukur jalma anu kakeunaan ku sihir.

وَمَآ اَنْتَ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُنَا وَاِنْ نَّظُنُّكَ لَمِنَ الْكٰذِبِيْنَ ۚ١٨٦
Wa mā anta illā basyarum miṡlunā wa in naẓunnuka laminal-kāżibīn(a).
[186] Anjeun taya lian, iwal ti saurang manusa saperti kuring saréréa jeung sabenerna kuring saréréa yakin yén anjeun téh bener-bener kaasup tukang bohong.

فَاَسْقِطْ عَلَيْنَا كِسَفًا مِّنَ السَّمَاۤءِ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ ۗ١٨٧
Fa asqiṭ ‘alainā kisafam minas-samā'i in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[187] Mangka, pék ragragkeun ka kuring saréréa sababaraha lémpéngan ti langit (supaya kuring saréréa binasa), lamun anjeun kaasup jalma-jalma anu bener.”

قَالَ رَبِّيْٓ اَعْلَمُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ١٨٨
Qāla rabbī a‘lamu bimā ta‘malūn(a).
[188] Su’éb nyarios, “Pangéran kuring langkung uninga kana naon anu dipilampah ku aranjeun.”

فَكَذَّبُوْهُ فَاَخَذَهُمْ عَذَابُ يَوْمِ الظُّلَّةِ ۗاِنَّهٗ كَانَ عَذَابَ يَوْمٍ عَظِيْمٍ١٨٩
Fa każżabūhu fa akhażahum ‘ażābu yaumiẓ-ẓullah(ti), innahū kāna ‘ażāba yaumin ‘aẓīm(in).
[189] Tuluy Maranéhna ngabohongkeun anjeunna (Su’éb). Nya, maranéhna téh ditibanan siksa dina poé anu aya méga poék. Sabenerna hal éta téh siksa poé anu pohara rongkahna.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً ۗوَمَا كَانَ اَكْثَرُهُمْ مُّؤْمِنِيْنَ١٩٠
Inna fī żālika la'āyah(tan), wa mā kāna akṡaruhum mu'minīn(a).
[190] Sabenerna dina éta téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah), tapi kalolobaan maranéhna téh henteu iman.

وَاِنَّ رَبَّكَ لَهُوَ الْعَزِيْزُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٩١
Wa inna rabbaka lahuwal-‘azīzur-raḥīm(u).
[191] Sabenerna Pangéran hidep téh nya Mantenna Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.

وَاِنَّهٗ لَتَنْزِيْلُ رَبِّ الْعٰلَمِيْنَ ۗ١٩٢
Wa innahū latanzīlu rabbil-‘ālamīn(a).
[192] Sabenerna éta (Al-Qur’an) téh bener-bener dilungsurkeun ku Pangéran sakumna alam.

نَزَلَ بِهِ الرُّوْحُ الْاَمِيْنُ ۙ١٩٣
Nazala bihir rūḥul-amīn(u).
[193] Éta (Al-Qur’an) téh dicandak lungsur ku Rohulamin (Jibril).

عَلٰى قَلْبِكَ لِتَكُوْنَ مِنَ الْمُنْذِرِيْنَ ۙ١٩٤
‘Alā qalbika litakūna minal-munżirīn(a).
[194] (Diturunkeun) kana manah hidep (Muhammad), sangkan hidep jadi salah saurang nu méré pépéling.

بِلِسَانٍ عَرَبِيٍّ مُّبِيْنٍ ۗ١٩٥
Bilisānin ‘arabiyyim mubīn(in).
[195] (Diturunkeun) ku basa Arab nu jelas.

وَاِنَّهٗ لَفِيْ زُبُرِ الْاَوَّلِيْنَ١٩٦
Wa innahū lafī zuburil-awwalīn(a).
[196] Sabenerna éta (Al-Qur’an) téh bener-bener (disebut) dina kitab-kitab jalma saméméhna.

اَوَلَمْ يَكُنْ لَّهُمْ اٰيَةً اَنْ يَّعْلَمَهٗ عُلَمٰۤؤُا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ١٩٧
Awalam yakul lahum āyatan ay ya‘lamahū ‘ulamā'u banī isrā'īl(a).
[197] Naha henteu (cukup) jadi bukti pikeun maranéhna yén éta (Al-Qur’an) dikanyahokeun ku para ulama Bani Israél?

وَلَوْ نَزَّلْنٰهُ عَلٰى بَعْضِ الْاَعْجَمِيْنَ ۙ١٩٨
Wa lau nazzalnāhū ‘alā ba‘ḍil-a‘jamīn(a).
[198] Saupama Kami nurunkeunana ka lain bangsa Arab,

فَقَرَاَهٗ عَلَيْهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ مُؤْمِنِيْنَ ۗ١٩٩
Fa qara'ahū ‘alaihim mā kānū bihī mu'minīn(a).
[199] tuluy anjeunna mangmacakeunana ka maranéhna (jalma-jalma kapir), pasti maranéhna henteu daék iman baé kana éta (Al-Qur’an).

كَذٰلِكَ سَلَكْنٰهُ فِيْ قُلُوْبِ الْمُجْرِمِيْنَ ۗ٢٠٠
Każālika salaknāhu fī qulūbil-mujrimīn(a).
[200] Kitu tah, Kami ngasupkeun (sipat bohong jeung ingkar) kana haté anu doraka.

لَا يُؤْمِنُوْنَ بِهٖ حَتّٰى يَرَوُا الْعَذَابَ الْاَلِيْمَ٢٠١
Lā yu'minūna bihī ḥattā yarawul-‘ażābal-alīm(a).
[201] Maranéhna moal daék iman kana éta (Al-Qur’an), saméméh nénjo siksa anu pohara nyerina.

فَيَأْتِيَهُمْ بَغْتَةً وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ ۙ٢٠٢
Fa ya'tiyahum bagtataw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[202] Mangka, breg baé datang éta (siksa) téh ka maranéhna kalayan ngadadak, sedengkeun maranéhna henteu sadar.

فَيَقُوْلُوْا هَلْ نَحْنُ مُنْظَرُوْنَ ۗ٢٠٣
Fa yaqūlū hal naḥnu munẓarūn(a).
[203] Tuluy maranéhna nyarita, “Naha abdi sadaya dipaparinan bates waktu?”

اَفَبِعَذَابِنَا يَسْتَعْجِلُوْنَ٢٠٤
Afa bi‘ażābinā yasta‘jilūn(a).
[204] Apan maranéhna nu ménta sangkan siksa Kami digancangkeun?

اَفَرَءَيْتَ اِنْ مَّتَّعْنٰهُمْ سِنِيْنَ ۙ٢٠٥
Afa ra'aita im matta‘nāhum sinīn(a).
[205] Kumaha nurutkeun pamadegan hidep upama Kami maparin ka maranéhna kani’matan hirup sababaraha taun?

ثُمَّ جَاۤءَهُمْ مَّا كَانُوْا يُوْعَدُوْنَ ۙ٢٠٦
Ṡumma jā'ahum mā kānū yū‘adūn(a).
[206] Tuluy datang éta (siksa) nu geus diancamkeun ka maranéhna.

مَآ اَغْنٰى عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يُمَتَّعُوْنَ ۗ٢٠٧
Mā agnā ‘anhum mā kānū yumatta‘ūn(a).
[207] Tangtu kani’matan anu dirasakeun ku maranéhna téh taya gunana pikeun maranéhna.

وَمَآ اَهْلَكْنَا مِنْ قَرْيَةٍ اِلَّا لَهَا مُنْذِرُوْنَ ۖ٢٠٨
Wa mā ahlaknā min qaryatin illā lahā munżirūn(a).
[208] Kami henteu ngabinasakeun hiji nagri, kajaba sanggeusna datang nu méré pépéling ka maranéhna,

ذِكْرٰىۚ وَمَا كُنَّا ظٰلِمِيْنَ٢٠٩
Żikrā, wa mā kunnā ẓālimīn(a).
[209] minangka pépéling. Kami mah henteu migawé kadoliman.

وَمَا تَنَزَّلَتْ بِهِ الشَّيٰطِيْنُ٢١٠
Wa mā tanazzalat bihisy-syayāṭīn(u).
[210] Éta (Al-Qur’an) téh henteu turun dibawa ku sétan-sétan.

وَمَا يَنْۢبَغِيْ لَهُمْ وَمَا يَسْتَطِيْعُوْنَ ۗ٢١١
Wa mā yambagī lahum wa mā yastaṭī‘ūn(a).
[211] Apan henteu pantes keur maranéhna (mawa turun éta Al-Qur’an) jeung maranéhna pasti moal sanggup.

اِنَّهُمْ عَنِ السَّمْعِ لَمَعْزُوْلُوْنَ ۗ٢١٢
Innahum ‘anis-sam‘i lama‘zūlūn(a).
[212] Sabenerna maranéhna (sétan-sétan) téh dijauhkeun (tina béja langit).

فَلَا تَدْعُ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ فَتَكُوْنَ مِنَ الْمُعَذَّبِيْنَ٢١٣
Falā tad‘u ma‘allāhi ilāhan ākhara fa takūna minal-mu‘ażżabīn(a).
[213] Mangka, poma hidep (Muhammad) ulah nyembah Pangéran séjén marengan Allah. Engké hidep kaasup jalma-jalma anu disiksa.

وَاَنْذِرْ عَشِيْرَتَكَ الْاَقْرَبِيْنَ ۙ٢١٤
Wa anżir ‘asyīratakal-aqrabīn(a).
[214] Pék béré pépéling ka kulawarga hidep anu deukeut.

وَاخْفِضْ جَنَاحَكَ لِمَنِ اتَّبَعَكَ مِنَ الْمُؤْمِنِيْنَ ۚ٢١٥
Wakhfiḍ janāḥaka limanittaba‘aka minal-mu'minīn(a).
[215] Pék sing handap asor haté hidep ka jalma-jalma nu nuturkeun hidep, nyaéta jalma-jalma mu’min.

فَاِنْ عَصَوْكَ فَقُلْ اِنِّيْ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تَعْمَلُوْنَ ۚ٢١٦
Fa in ‘aṣauka faqul innī barī'um mimmā ta‘malūn(a).
[216] Upama maranéhna doraka ka hidep, nya pok ucapkeun, “Sabenerna kuring mah teu tanggung jawab tina naon anu ku aranjeun dipilampah.”

وَتَوَكَّلْ عَلَى الْعَزِيْزِ الرَّحِيْمِ ۙ٢١٧
Wa tawakkal ‘alal-‘azīzir-raḥīm(i).
[217] Sing tawekal ka (Allah) Nu Mahagagah (tur) Mahaasih.

الَّذِيْ يَرٰىكَ حِيْنَ تَقُوْمُ٢١٨
Allażī yarāka ḥīna taqūm(u).
[218] (Mantenna) anu ningali waktu hidep nangtung (rék salat).

وَتَقَلُّبَكَ فِى السّٰجِدِيْنَ٢١٩
Wa taqallubaka fis-sājidīn(a).
[219] (Ningali ogé) kana robahna gerak awak hidep di antara jalma-jalma anu sujud.

اِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٢٢٠
Innahū huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[220] Sabenerna Mantenna Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

هَلْ اُنَبِّئُكُمْ عَلٰى مَنْ تَنَزَّلُ الشَّيٰطِيْنُ ۗ٢٢١
Hal unabbi'ukum ‘alā man tanazzalusy-syayāṭīn(u).
[221] Naha hayang ku Kami dibéjaan ka aranjeun, ka saha sétan-sétan téh turunna?

تَنَزَّلُ عَلٰى كُلِّ اَفَّاكٍ اَثِيْمٍ ۙ٢٢٢
Tanazzalu ‘alā kulli affākin aṡīm(in).
[222] Maranéhna (sétan) turun ka saban jalma nu ngabohong tur loba dosa.

يُّلْقُوْنَ السَّمْعَ وَاَكْثَرُهُمْ كٰذِبُوْنَ ۗ٢٢٣
Yulqūnas-sam‘a wa akṡaruhum kāżibūn(a).
[223] Maranéhna ngabéjakueun hasil dédéngéanana, sedengkeun lolobana mah maranéhna téh tukang bohong.

وَالشُّعَرَاۤءُ يَتَّبِعُهُمُ الْغَاوٗنَ ۗ٢٢٤
Wasy-syu‘arā'u yattabi‘uhumul-gāwūn(a).
[224] Para panya’ir téh dituturkeun ku jalma-jalma anu sasar.

اَلَمْ تَرَ اَنَّهُمْ فِيْ كُلِّ وَادٍ يَّهِيْمُوْنَ ۙ٢٢٥
Alam tara annahum fī kulli wādiy yahīmūn(a).
[225] Naha hidep henteu ningali yén maranéhna ngumbara di unggal-unggal léngkob, 626
626) Nu dimaksad ku ieu ayat téh nyaéta yén sabagian panya’ir mah osok ngulinkeun kecap, henteu ngabogaan tujuan nu hadé, jeung henteu ngagaduhan pamadegan nu panceg.

وَاَنَّهُمْ يَقُوْلُوْنَ مَا لَا يَفْعَلُوْنَ ۙ٢٢٦
Wa annahum yaqūlūna mā lā yaf‘alūn(a).
[226] jeung yén maranéhna ngucapkeun naon anu ku maranéhna sorangan henteu dipilampah?

اِلَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَذَكَرُوا اللّٰهَ كَثِيْرًا وَّانْتَصَرُوْا مِنْۢ بَعْدِ مَا ظُلِمُوْا ۗوَسَيَعْلَمُ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْٓا اَيَّ مُنْقَلَبٍ يَّنْقَلِبُوْنَ ࣖ٢٢٧
Illal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa żakarullāha kaṡīraw wantaṣarū mim ba‘di mā ẓulimū, wa saya‘lamul-lażīna ẓalamū ayya munqalabiy yanqalibūn(a).
[227] Kajaba (para panya’ir) anu iman, milampah amal soléh, loba inget ka Allah, sarta hudang mélaan (bebeneran) sabada didoliman. Jalma-jalma nu dolim téh engké bakal nyahoeun ka mana maranéhna bakal mulang