Surah Al-Furqan
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
تَبٰرَكَ الَّذِيْ نَزَّلَ الْفُرْقَانَ عَلٰى عَبْدِهٖ لِيَكُوْنَ لِلْعٰلَمِيْنَ نَذِيْرًا ۙ١
Tabārakal-lażī nazzalal-furqāna ‘alā ‘abdihī liyakūna lil-‘ālamīna nażīrā(n).
[1]
Mahajembar anugerah (Allah) nu geus nurunkeun al-Furqān (Al-Qur’an) ka hamba-Na (Muhammad) supaya anjeunna maparin pépéling ka sakumna alam.
ۨالَّذِيْ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَلَمْ يَتَّخِذْ وَلَدًا وَّلَمْ يَكُنْ لَّهٗ شَرِيْكٌ فِى الْمُلْكِ وَخَلَقَ كُلَّ شَيْءٍ فَقَدَّرَهٗ تَقْدِيْرًا٢
Allażī lahū mulkus-samāwāti wal-arḍi wa lam yattakhiż waladaw wa lam yakul lahū syarīkun fil-mulki wa khalaqa kulla syai'in fa qaddarahū taqdīrā(n).
[2]
(Nyaéta Dat) anu mung kagungan Mantenna karajaan langit sareng karajaan bumi. (Mantenna) henteu kagungan putra jeung taya hiji ogé nu nyarengan dina kakawasaana(-Na). Mantenna geus nyiptakeun sagala perkara terus netepkeun ukuran-ukuranana kalayan merenah.
وَاتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اٰلِهَةً لَّا يَخْلُقُوْنَ شَيْـًٔا وَّهُمْ يُخْلَقُوْنَ وَلَا يَمْلِكُوْنَ لِاَنْفُسِهِمْ ضَرًّا وَّلَا نَفْعًا وَّلَا يَمْلِكُوْنَ مَوْتًا وَّلَا حَيٰوةً وَّلَا نُشُوْرًا٣
Wattakhażū min dūnihī ālihatal lā yakhluqūna syai'aw wa hum yukhlaqūna wa lā yamlikūna li'anfusihim ḍarraw wa lā naf‘aw wa lā yamlikūna mautaw wa lā ḥayātaw wa lā nusyūrā(n).
[3]
Maranéhna ngajadikeun sesembahan salian ti Mantenna, padahal maranéhna (éta sesembahan) téh teu bisa nyieun naon-naon. Malah, maranéhna sorangan ogé dijieun jeung teu kawasa pikeun (nolak) bahaya ka dirina, teu bisa (ngadatangkeun) mangpaat, sarta teu kawasa ngamaotkeun, ngahirupkeun, jeung (ogé) teu bisa ngahudangkeun deui.
وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ هٰذَآ اِلَّآ اِفْكُ ِۨافْتَرٰىهُ وَاَعَانَهٗ عَلَيْهِ قَوْمٌ اٰخَرُوْنَۚ فَقَدْ جَاۤءُوْ ظُلْمًا وَّزُوْرًا ۚ٤
Wa qālal-lażīna kafarū in hāżā illā ifkuniftarāhu wa a‘ānahū ‘alaihi qaumun ākharūn(a), fa qad jā'ū ẓulmaw wa zūrā(n).
[4]
Jalma-jalma kapir nyarita, “Ieu (Al-Qur’an) téh taya lian iwal ti kabohongan anu diaya-ayakeun ku manéhna (Muhammad) jeung dibantuan ku nu séjén.” Sabenerna maranéhna geus migawé kadoliman jeung kabohongan nu gedé.
وَقَالُوْٓا اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ اكْتَتَبَهَا فَهِيَ تُمْلٰى عَلَيْهِ بُكْرَةً وَّاَصِيْلًا٥
Wa qālū asāṭīrul-awwalīnaktatabahā fa hiya tumlā ‘alaihi bukrataw wa aṣīlā(n).
[5]
Maranéhna nyarita, “(Éta téh) dongéng-dongéng jalma baheula anu dipénta (ku Muhammad) sangkan éta (dongéng) ditulis keur manéhna unggal isuk jeung soré.”
قُلْ اَنْزَلَهُ الَّذِيْ يَعْلَمُ السِّرَّ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اِنَّهٗ كَانَ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا٦
Qul anzalahul-lażī ya‘lamus-sirra fis-samāwāti wal-arḍ(i), innahū kāna gafūrar raḥīmā(n).
[6]
Sok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Éta (Al-Qur’an) téh dilungsurkeun ku (Allah) anu uninga kana rasiah di langit sareng di bumi. Saleresna Mantenna Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”
وَقَالُوْا مَالِ هٰذَا الرَّسُوْلِ يَأْكُلُ الطَّعَامَ وَيَمْشِيْ فِى الْاَسْوَاقِۗ لَوْلَآ اُنْزِلَ اِلَيْهِ مَلَكٌ فَيَكُوْنَ مَعَهٗ نَذِيْرًا ۙ٧
Wa qālū mā lihāżar-rasūli ya'kuluṭ-ṭa‘āma wa yamsyī fil-aswāq(i), lau lā unzila ‘alaihi malakun fa yakūna ma‘ahū nażīrā(n).
[7]
Maranéhna nyarita, “Naha ieu Rasul (Muhammad) téh ngadahar kadaharan jeung leuleumpangan di pasar? Ku naon malaikat henteu diturunkeun ka manéhna (supaya éta malaikat) babarengan méré pépéling jeung manéhna,
اَوْ يُلْقٰىٓ اِلَيْهِ كَنْزٌ اَوْ تَكُوْنُ لَهٗ جَنَّةٌ يَّأْكُلُ مِنْهَاۗ وَقَالَ الظّٰلِمُوْنَ اِنْ تَتَّبِعُوْنَ اِلَّا رَجُلًا مَّسْحُوْرًا٨
Au yulqā ilaihi kanzun au takūnu lahū jannatuy ya'kulu minhā, wa qālaẓ-ẓālimūna in tattabi‘ūna illā rajulam masḥūrā(n).
[8]
atawa (naha henteu) diturunkeun ka manéhna harta banda atawa kebon keur manéhna, nepi ka manéhna bisa barangdahar tina (hasil)-na?” Éta jalma-jalma anu dolim nyarita, “Maranéh taya lian ngan nuturkeun hiji lalaki anu kakeunaan sihir.”
اُنْظُرْ كَيْفَ ضَرَبُوْا لَكَ الْاَمْثَالَ فَضَلُّوْا فَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ سَبِيْلًا ࣖ٩
Unẓur kaifa ḍarabū lakal-amṡāla fa ḍallū falā yastaṭī‘ūna sabīlā(n).
[9]
Pék perhatikeun ku hidep (hé Muhammad), kumaha maranéhna nyieun babandingan-babandingan ngeunaan hidep! Mangka, maranéhna sasar. Maranéhna henteu sanggup (meunang) jalan (pikeun nentang karasulan hidep).
تَبٰرَكَ الَّذِيْٓ اِنْ شَاۤءَ جَعَلَ لَكَ خَيْرًا مِّنْ ذٰلِكَ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۙ وَيَجْعَلْ لَّكَ قُصُوْرًا١٠
Tabārakal-lażī in syā'a ja‘ala laka khairam min żālika jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), wa yaj‘al laka quṣūrā(n).
[10]
Mahajembar anugerah (Allah) anu upami Mantenna ngersakeun mah tangtu ngadamel pikeun hidep (perkara) nu leuwih alus tibatan (nu diomongkeun ku maranéhna), nyaéta kebon-kebon anu ngocor di handapeunana (di sakurilingna) walungan-walungan. Mantenna ngadamel (ogé) pikeun hidep istana-istana.
بَلْ كَذَّبُوْا بِالسَّاعَةِۙ وَاَعْتَدْنَا لِمَنْ كَذَّبَ بِالسَّاعَةِ سَعِيْرًا١١
Bal każżabū bis-sā‘ah(ti), wa a‘tadnā liman każżaba bis-sā‘ati sa‘īrā(n).
[11]
Sabenerna maranéhna ngabohongkeun kana Poé Kiamat. Kami nyadiakeun naraka nu ngabebela keur saha baé nu ngabohongkeun kana Poé Kiamat.
اِذَا رَاَتْهُمْ مِّنْ مَّكَانٍۢ بَعِيْدٍ سَمِعُوْا لَهَا تَغَيُّظًا وَّزَفِيْرًا١٢
Iżā ra'athum mim makānim ba‘īdin sami‘ū lahā tagayyuẓaw wa zafīrā(n).
[12]
Upama éta (naraka) nénjo maranéhna ti tempat nu jauh, maranéhna ngadéngé ti dinya sora ngaguruh bakating ku ambek jeung ceuceubna.
وَاِذَآ اُلْقُوْا مِنْهَا مَكَانًا ضَيِّقًا مُّقَرَّنِيْنَ دَعَوْا هُنَالِكَ ثُبُوْرًا ۗ١٣
Wa iżā ulqū minhā makānan ḍayyiqam muqarranīna da‘au hunālika ṡubūrā(n).
[13]
Upama dialungkeun kana tempat anu heurin di naraka bari diborogod, maranéhna di dinya ngagorowok ngarepkeun kabinasaan. 606
606) Maranéhna miharep kacilakaan sangkan bisa leupas tina siksaan nu pohara gedéna, nyaéta sisa naraka nu kacida panasna bari diborogod di tempat nu heurin pisan, sakumaha nu didadarkeun dina éta ayat.
لَا تَدْعُوا الْيَوْمَ ثُبُوْرًا وَّاحِدًا وَّادْعُوْا ثُبُوْرًا كَثِيْرًا١٤
Lā tad‘ul-yauma ṡubūraw wāḥidaw wad‘ū ṡubūran kaṡīrā(n).
[14]
(Bakal dicaritakeun ka maranéhna), “Maranéh dina ieu poé ulah ngarepkeun hiji kabinasaan wungkul, tapi harepkeun kabinasaan anu terus-terusan.”
قُلْ اَذٰلِكَ خَيْرٌ اَمْ جَنَّةُ الْخُلْدِ الَّتِيْ وُعِدَ الْمُتَّقُوْنَۗ كَانَتْ لَهُمْ جَزَاۤءً وَّمَصِيْرًا١٥
Qul ażālika khairun am jannatul-khuldil-latī wu‘idal-muttaqūn(a), kānat lahum jazā'aw wa maṣīrā(n).
[15]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha éta (siksaan) saperti kitu téh leuwih alus atawa sawarga nu langgeng anu dijangjikeun ka jalma-jalma anu takwa minangka wawales jeung tempat pangbalikan pikeun aranjeunna?”
لَهُمْ فِيْهَا مَا يَشَاۤءُوْنَ خٰلِدِيْنَۗ كَانَ عَلٰى رَبِّكَ وَعْدًا مَّسْـُٔوْلًا١٦
Lahum fīhā mā yasyā'ūna khālidīn(a), kāna ‘alā rabbika wa‘dam mas'ūlā(n).
[16]
Pikeun aranjeunna sagala perkara nu dikersakeun aya di lebetna (sawarga). Aranjeunna langgeng (di jerona). Éta téh jangji Pangéran hidep anu pantes disuhunkeun (ka Mantenna).
وَيَوْمَ يَحْشُرُهُمْ وَمَا يَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ فَيَقُوْلُ ءَاَنْتُمْ اَضْلَلْتُمْ عِبَادِيْ هٰٓؤُلَاۤءِ اَمْ هُمْ ضَلُّوا السَّبِيْلَ ۗ١٧
Wa yauma yaḥsyuruhum wa mā ya‘budūna min dūnillāhi fa yaqūlu a'antum aḍlaltum ‘ibādī hā'ulā'i am hum ḍallus-sabīl(a).
[17]
(Sing inget) hiji poé (nalika) Allah ngumpulkeun maranéhna bareng jeung sagala perkara nu ku maranéhna disembah salian ti Allah. Mantenna teras ngadawuh (ka anu disarembahna), “Naha maranéh anu nyasarkeun hamba-hamba Kami téh atawa maranéhna sorangan anu sasar tina jalan (anu bener)?”
قَالُوْا سُبْحٰنَكَ مَا كَانَ يَنْۢبَغِيْ لَنَآ اَنْ نَّتَّخِذَ مِنْ دُوْنِكَ مِنْ اَوْلِيَاۤءَ وَلٰكِنْ مَّتَّعْتَهُمْ وَاٰبَاۤءَهُمْ حَتّٰى نَسُوا الذِّكْرَۚ وَكَانُوْا قَوْمًاۢ بُوْرًا١٨
Qālū subḥānaka mā kāna yambagī lanā an nattakhiża min dūnika min auliyā'a wa lākim matta‘tahum wa ābā'ahum ḥattā nasuż-żikr(a), wa kānū qaumam būrā(n).
[18]
Maranéhna (nu disarembah) ngajawab, “Mahasuci Gusti. Teu pantes kanggo abdi sadaya nyandak panyalindungan salian ti Gusti, 607 tapi Gusti parantos maparin ka maranéhna sareng karuhunna kani’matan hirup dugi ka maranéhna mopohokeun kana pépéling sareng maranéhna kaom nu binasa.”
607) Sanggeus maranéhna diriungkeun babarengan jeung saniskara nu disembah ku maranéhna, nyaéta malaikat, Ujair, Nabi Isa a.s., katut berhala-berhalana, sarta saparantos Allah nalék ka nu disarembahna, “Naha maranéh anu nyasarkeun éta jalma-jalma téh atawa éta jalma-jalma anu nyasarkeun dirina sorangan?” Nya nu disarembah téh ngajawab yén teu pantes pikeun maranéhna ibadah ka salian ti Allah, komo ieu mah nitah ka nu séjénna pikeun ibadah ka salian ti Mantenna.
فَقَدْ كَذَّبُوْكُمْ بِمَا تَقُوْلُوْنَۙ فَمَا تَسْتَطِيْعُوْنَ صَرْفًا وَّلَا نَصْرًاۚ وَمَنْ يَّظْلِمْ مِّنْكُمْ نُذِقْهُ عَذَابًا كَبِيْرًا١٩
Faqad każżabūkum bimā taqūlūn(a), famā tastaṭī‘ūna ṣarfaw wa lā naṣrā(n), wa may yaẓlim minkum nużiqhu ‘ażāban kabīrā(n).
[19]
Sabenerna maranéhna (nu disembah) geus ngabohongkeun kana naon anu ku maranéh diucapkeun. Mangka, maranéh moal bisa nolak (siksaan) jeung moal bisa (ogé) nulungan (diri maranéh). Saha baé anu milampah dolim ti antara maranéh, tangtu Kami nibankeun ka maranéhna siksaan nu gedé.
وَمَآ اَرْسَلْنَا قَبْلَكَ مِنَ الْمُرْسَلِيْنَ اِلَّآ اِنَّهُمْ لَيَأْكُلُوْنَ الطَّعَامَ وَيَمْشُوْنَ فِى الْاَسْوَاقِۗ وَجَعَلْنَا بَعْضَكُمْ لِبَعْضٍ فِتْنَةً ۗ اَتَصْبِرُوْنَۚ وَكَانَ رَبُّكَ بَصِيْرًا ࣖ ۔٢٠
Wa mā arsalnā qablaka minal-mursalīna illā innahum laya'kulūnaṭ-ṭa‘āma wa yamsyūna fil aswāq(i), wa ja‘alnā ba‘ḍakum liba‘ḍin fitnah(tan), ataṣbirūn(a), wa kāna rabbuka baṣīrā(n).
[20]
Kami henteu ngutus rasul-rasul saméméh hidep (Muhammad), kajaba aranjeunna pasti barangdahar jeung leuleumpangan di pasar. Kami ngajadikeun sabagian aranjeun minangka cocoba pikeun sabagianna deui. Naha aranjeun daék sabar? Pangéran hidep téh Maha Ningali.
۞ وَقَالَ الَّذِيْنَ لَا يَرْجُوْنَ لِقَاۤءَنَا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْنَا الْمَلٰۤىِٕكَةُ اَوْ نَرٰى رَبَّنَا ۗ لَقَدِ اسْتَكْبَرُوْا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ وَعَتَوْ عُتُوًّا كَبِيْرًا٢١
Wa qālal-lażīna lā yarjūna liqā'anā lau lā unzila ‘alainal-malā'ikata au narā rabbanā, laqadistakbarū fī anfusihim wa ‘atau ‘utuwwan kabīrā(n).
[21]
Jalma-jalma anu henteu miharep patepung jeung Kami (di ahérat) nyarita, “Ku naon atuh henteu diturunkeun ka kuring saréréa malaikat atawa (ku naon) kuring saréréa (henteu) ningal Pangéran kuring saréréa?” Sabenerna maranéhna téh geus nyombongkeun diri jeung bener-bener geus ngaliwatan wates (kadoliman) nu pohara gedéna.
يَوْمَ يَرَوْنَ الْمَلٰۤىِٕكَةَ لَا بُشْرٰى يَوْمَىِٕذٍ لِّلْمُجْرِمِيْنَ وَيَقُوْلُوْنَ حِجْرًا مَّحْجُوْرًا٢٢
Yauma yaraunal-malā'ikata lā busyrā yauma'iżil lil-mujrimīna wa yaqūlūna ḥijram maḥjūrā(n).
[22]
(Sing inget) dina poé (nalika) maranéhna nénjo malaikat. Dina éta poé téh taya béja pikagumbiraeun pikeun anu nyieun dosa. Aranjeunna (para malaikat) nyarita, “Sabenerna dipahing pikeun maranéh (béja pikagumbiraeun).”
وَقَدِمْنَآ اِلٰى مَا عَمِلُوْا مِنْ عَمَلٍ فَجَعَلْنٰهُ هَبَاۤءً مَّنْثُوْرًا٢٣
Wa qadimnā ilā mā ‘amilū min ‘amalin fa ja‘alnāhu habā'am manṡūrā(n).
[23]
Kami némbongkeun sagala amal anu dipilampah ku maranéhna, 608 tuluy ngajadikeun éta amal (saperti) lebu anu (diawur) ngarambang.
608) Amal-amal hadé nu dipilampah ku maranéhna di dunya. Éta amal téh mubah sabab maranéhna téh teu iman.
اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ يَوْمَىِٕذٍ خَيْرٌ مُّسْتَقَرًّا وَّاَحْسَنُ مَقِيْلًا٢٤
Aṣḥābul-jannati yauma'iżin khairum mustaqarraw wa aḥsanu maqīlā(n).
[24]
Anu nyicingan sawarga dina éta poé téh leuwih hadé padumukanana jeung leuwih éndah tempat pangreureuhanana.
وَيَوْمَ تَشَقَّقُ السَّمَاۤءُ بِالْغَمَامِ وَنُزِّلَ الْمَلٰۤىِٕكَةُ تَنْزِيْلًا٢٥
Wa yauma tasyaqqaqus-samā'u bil-gamāmi wa nuzzilal-malā'ikatu tanzīlā(n).
[25]
(Sing inget) poé (nalika) langit beulah ngaluarkeun méga bodas jeung para malaikat diturunkeun sarombongan-sarombongan.
اَلْمُلْكُ يَوْمَىِٕذِ ِۨالْحَقُّ لِلرَّحْمٰنِۗ وَكَانَ يَوْمًا عَلَى الْكٰفِرِيْنَ عَسِيْرًا٢٦
Al-mulku yauma'iżinil-ḥaqqu lir-raḥmān(i), wa kāna yauman ‘alal-kāfirīna ‘asīrā(n).
[26]
Karajaan anu hak 609 téh dina éta poé mah nyaéta kagungan Allah Nu Mahawelas. Éta téh poé anu loba kasusah pikeun jalma-jalma kapir.
609) “Karajaan nu hak” téh nyaéta kakawasaan nu pasti.
وَيَوْمَ يَعَضُّ الظَّالِمُ عَلٰى يَدَيْهِ يَقُوْلُ يٰلَيْتَنِى اتَّخَذْتُ مَعَ الرَّسُوْلِ سَبِيْلًا٢٧
Wa yauma ya‘aḍḍuẓ-ẓālimu ‘alā yadaihi yaqūlu yā laitanittakhażtu ma‘ar-rasūli sabīlā(n).
[27]
(Sing inget) poé (nalika) jalma dolim ngégél dua leungeunna bari nyarita, “Aduh, mun sakirana (baheula) kuring téh nyorang jalan bareng sareng Rasul!
يٰوَيْلَتٰى لَيْتَنِيْ لَمْ اَتَّخِذْ فُلَانًا خَلِيْلًا٢٨
Yā wailatā laitanī lam attakhiż fulānan khalīlā(n).
[28]
Aduh, cilaka ieu kuring! Sakirana (baheula) téh kuring henteu ngajadikeun si anu 610 minangka sobat dalit.
610) Sétan atawa jalma nu geus nyasarkeunana di dunya.
لَقَدْ اَضَلَّنِيْ عَنِ الذِّكْرِ بَعْدَ اِذْ جَاۤءَنِيْۗ وَكَانَ الشَّيْطٰنُ لِلْاِنْسَانِ خَذُوْلًا٢٩
Laqad aḍallanī ‘aniż-żikri ba‘da iż jā'anī, wa kānasy-syaiṭānu lil-insāni khażūlā(n).
[29]
Sabenerna manéhna téh geus nyasarkeun kuring tina pépéling (Al-Qur’an) waktu geus datang ka kuring.” Sétan téh nyaéta (mahluk) anu embung pisan nulung ka manusa.
وَقَالَ الرَّسُوْلُ يٰرَبِّ اِنَّ قَوْمِى اتَّخَذُوْا هٰذَا الْقُرْاٰنَ مَهْجُوْرًا٣٠
Wa qālar-rasūlu yā rabbi inna qaumittakhażū hāżal-qur'āna mahjūrā(n).
[30]
Rasul (Muhammad) nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna kaom abdi tos ngajadikeun ieu Al-Qur’an (minangka) perkara anu teu dipaliré.”
وَكَذٰلِكَ جَعَلْنَا لِكُلِّ نَبِيٍّ عَدُوًّا مِّنَ الْمُجْرِمِيْنَۗ وَكَفٰى بِرَبِّكَ هَادِيًا وَّنَصِيْرًا٣١
Wa każālika ja‘alnā likulli nabiyyin ‘aduwwam minal-mujrimīn(a), wa kafā birabbika hādiyaw wa naṣīrā(n).
[31]
Kitu tah, pikeun saban nabi, Kami geus ngayakeun musuh ti nu daroraka. Cukup Pangéran hidep anu maparin pituduh jeung pitulung.
وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْلَا نُزِّلَ عَلَيْهِ الْقُرْاٰنُ جُمْلَةً وَّاحِدَةً ۛ كَذٰلِكَ ۛ لِنُثَبِّتَ بِهٖ فُؤَادَكَ وَرَتَّلْنٰهُ تَرْتِيْلًا٣٢
Wa qālal-lażīna kafarū lau lā nuzzila ‘alaihil-qur'ānu jumlataw wāḥidatan - każālika - linuṡabbita bihī fu'ādaka wa rattalnāhu tartīlā(n).
[32]
Jalma-jalma kapir nyarita, “Ku naon atuh éta Al-Qur’an téh henteu diturunkeun ka manéhna sakali jadi?” Kituna téh 611 sangkan Kami mengkuhkeun haté hidep (Muhammad) ku éta (Al-Qur’an) jeung mangmacakeunana kalayan tartil. 612
611) Éta Al-Qur'an téh henteu diturunkeun sakaligus, tapi ditungtut sabagian-sabagian sangkan manah Nabi Muhammad Saw. jadi weweg tur panceg.
612) Saréntétan-saréntétan, lalaunan, jeung bener.
وَلَا يَأْتُوْنَكَ بِمَثَلٍ اِلَّا جِئْنٰكَ بِالْحَقِّ وَاَحْسَنَ تَفْسِيْرًا ۗ٣٣
Wa lā ya'tūnaka bimaṡalin illā ji'nāka bil-ḥaqqi wa aḥsana tafsīrā(n).
[33]
Maranéhna teu datang ka hidep (mawa) hiji perkara anu anéh, kajaba Kami ngadatangkeun ka hidep bebeneran jeung katerangan nu panghadéna.
اَلَّذِيْنَ يُحْشَرُوْنَ عَلٰى وُجُوْهِهِمْ اِلٰى جَهَنَّمَۙ اُولٰۤىِٕكَ شَرٌّ مَّكَانًا وَّاَضَلُّ سَبِيْلًا ࣖ٣٤
Allażīna yuḥsyarūna ‘alā wujūhihim ilā jahannam(a), ulā'ika syarrum makānaw wa aḍallu sabīlā(n).
[34]
Jalma-jalma anu dikumpulkeun kana naraka Jahanam bari diséréd beungeutna, nya maranéhna téh nu panggoréng-goréng tempatna jeung nu pangsasar-sasar jalanna.
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ وَجَعَلْنَا مَعَهٗٓ اَخَاهُ هٰرُوْنَ وَزِيْرًا ۚ٣٥
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba wa ja‘alnā ma‘ahū akhāhu hārūna wazīrā(n).
[35]
Sabenerna Kami geus ngurniakeun Kitab (Torét) ka Musa jeung ngangkat Harun, dulurna, pikeun marengan anjeunna minangka jadi wajir (pembantu).
فَقُلْنَا اذْهَبَآ اِلَى الْقَوْمِ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۗ فَدَمَّرْنٰهُمْ تَدْمِيْرًا ۗ٣٦
Fa qulnażhabā ilal-qaumil-lażīna każżabū bi'āyātinā, fa dammarnāhum tadmīrā(n).
[36]
Tuluy Kami ngadawuh (ka duaanana), “Jung geura aranjeun duaan indit ka kaom anu ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami!” Tuluy Kami ngancurkeun maranéhna saancur-ancurna.
وَقَوْمَ نُوْحٍ لَّمَّا كَذَّبُوا الرُّسُلَ اَغْرَقْنٰهُمْ وَجَعَلْنٰهُمْ لِلنَّاسِ اٰيَةًۗ وَاَعْتَدْنَا لِلظّٰلِمِيْنَ عَذَابًا اَلِيْمًا ۚ٣٧
Wa qauma nūḥil lammā każżabur-rusula agraqnāhum wa ja‘alnāhum lin-nāsi āyah(tan), wa a‘tadnā liẓ-ẓālimīna ‘ażāban alīmā(n).
[37]
(Kami geus ngabinasakeun) kaom Nuh waktu maranéhna ngabohongkeun para rasul. Kami neuleumkeun maranéhna jeung ngajadikeun (kisahna) minangka atikan pikeun manusa. Kami geus nyadiakeun pikeun jalma-jalma dolim siksaan nu pohara nyerina.
وَعَادًا وَّثَمُوْدَا۟ وَاَصْحٰبَ الرَّسِّ وَقُرُوْنًاۢ بَيْنَ ذٰلِكَ كَثِيْرًا٣٨
Wa ‘ādaw wa ṡamūda wa aṣḥābar-rassi wa qurūnam baina żālika kaṡīrā(n).
[38]
(Kami geus ngabinasakeun) kaom ‘Ad, Samud, pangeusi Rass, 613 jeung loba (deui) generasi ti antara kaom-kaom.
613) Rass téh nyaéta talaga nu geus garing taya caian deui. Tuluy dijieun ngaran hiji kaom, nyaéta Rass. Maranéhna nyembah ka berhala, nya lajeng Allah ngutus Nabi Syuéb a.s. ka maranéhna.
وَكُلًّا ضَرَبْنَا لَهُ الْاَمْثَالَۖ وَكُلًّا تَبَّرْنَا تَتْبِيْرًا٣٩
Wa kullan ḍarabnā lahul-amṡāl(a), wa kullan tabbarnā tatbīrā(n).
[39]
Masing-masing ku Kami geus dibéré babandingan (nasib umat saméméhna) jeung masing-masing ku Kami geus diancurkeun saancur-ancurna.
وَلَقَدْ اَتَوْا عَلَى الْقَرْيَةِ الَّتِيْٓ اُمْطِرَتْ مَطَرَ السَّوْءِۗ اَفَلَمْ يَكُوْنُوْا يَرَوْنَهَاۚ بَلْ كَانُوْا لَا يَرْجُوْنَ نُشُوْرًا٤٠
Wa laqad atau ‘alal-qaryatil-latī umṭirat maṭaras-sau'(i), afalam yakūnū yaraunahā, bal kānū lā yarjūna nusyūrā(n).
[40]
Sabenerna maranéhna (kaom musrikin Mekah) geus ngaliwat ka nagri (Sodom) nu (baheula) ditinggang hujan nu pohara goréngna (hujan batu). Naha maranéhna henteu nyaksian? Malah, maranéhna téh sabenerna henteu ngarepkeun kana ayana (poé) dihudangkeun.
وَاِذَا رَاَوْكَ اِنْ يَّتَّخِذُوْنَكَ اِلَّا هُزُوًاۗ اَهٰذَا الَّذِيْ بَعَثَ اللّٰهُ رَسُوْلًا٤١
Wa iżā ra'auka iy yattakhiżūnaka illā huzuwā(n), ahāżal-lażī ba‘aṡallāhu rasūlā(n).
[41]
Waktu nénjo ka hidep (Muhammad), maranéhna teu ngajadikeun hidep salian ti jadi bahan pangjejeléh (ku ngucapkeun), “Naha ieu jalmana nu diutus ku Allah téh?
اِنْ كَادَ لَيُضِلُّنَا عَنْ اٰلِهَتِنَا لَوْلَآ اَنْ صَبَرْنَا عَلَيْهَاۗ وَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ حِيْنَ يَرَوْنَ الْعَذَابَ مَنْ اَضَلُّ سَبِيْلًا٤٢
In kāda layuḍillunā ‘an ālihatinā lau lā an ṣabarnā ‘alaihā, wa saufa ya‘lamūna ḥīna yaraunal-‘ażāba man aḍallu sabīlā(n).
[42]
Sabenerna ampir baé manéhna (Muhammad) nyasarkeun urang saréréa ti pangéran urang saréréa mun seug henteu pengkuh mah (nyembah).” Engké maranéhna bakal nyaho dina mangsa nénjo siksaan, saha nu paling sasar jalanna.
اَرَءَيْتَ مَنِ اتَّخَذَ اِلٰهَهٗ هَوٰىهُۗ اَفَاَنْتَ تَكُوْنُ عَلَيْهِ وَكِيْلًا ۙ٤٣
Ara'aita manittakhaża ilāhahū hawāh(u), afa anta takūnu ‘alaihi wakīlā(n).
[43]
Naha hidep (Muhammad) tos ningal jalma anu ngajadikeun kahayangna minangka Pangéranana? Naha hidep bakal jadi panangtayungna?
اَمْ تَحْسَبُ اَنَّ اَكْثَرَهُمْ يَسْمَعُوْنَ اَوْ يَعْقِلُوْنَۗ اِنْ هُمْ اِلَّا كَالْاَنْعَامِ بَلْ هُمْ اَضَلُّ سَبِيْلًا ࣖ٤٤
Am taḥsabu anna akṡarahum yasma‘ūna au ya‘qilūn(a), in hum illā kal-an‘āmi bal hum aḍallu sabīlā(n).
[44]
Atawa, naha hidep nyangka yén kalolobaan maranéhna téh ngadéngé atawa paham? Maranéhna téh taya lian ngan wungkul saperti sato ingon-ingon. Malah, maranéhna mah leuwih sasar jalanna.
اَلَمْ تَرَ اِلٰى رَبِّكَ كَيْفَ مَدَّ الظِّلَّۚ وَلَوْ شَاۤءَ لَجَعَلَهٗ سَاكِنًاۚ ثُمَّ جَعَلْنَا الشَّمْسَ عَلَيْهِ دَلِيْلًا ۙ٤٥
Alam tara ilā rabbika kaifa maddaẓ-ẓill(a), wa lau syā'a laja‘alahū sākinā(n), ṡumma ja‘alnasy-syamsa ‘alaihi dalīlā(n).
[45]
Naha hidep henteu niténan kana (ciptaan) Pangéran hidep? Kumaha Mantenna manjangkeun (jeung mondokkeun) kalangkang? Saupama ngersakeun mah, tangtu Mantenna ngajadikeun (éta kalangkang) téh sina tetep. Tuluy Kami ngajadikeun panonpoé jadi pituduh ngeunaan éta (kalangkang).
ثُمَّ قَبَضْنٰهُ اِلَيْنَا قَبْضًا يَّسِيْرًا٤٦
Ṡumma qabaḍnā ilainā qabḍay yasīrā(n).
[46]
Tuluy Kami narik (éta kalangkang) 614 ka (arah anu) ku Kami (dipikersa) saeutik-saeutik.
614) Éta kalangkang téh ku Kami dileungitkeun lalaunan nuturkeun surupna panonpoé saeutik-saeutik.
وَهُوَ الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الَّيْلَ لِبَاسًا وَّالنَّوْمَ سُبَاتًا وَّجَعَلَ النَّهَارَ نُشُوْرًا٤٧
Wa huwal-lażī ja‘ala lakumul-laila libāsaw wan-nauma subātaw wa ja‘alan-nahāra nusyūrā(n).
[47]
Mantenna nu ngajadikeun peuting pikeun aranjeun (minangka) pakéan jeung saré pikeun reureuh. Mantenna ngajadikeun beurang pikeun nyaring nyiar pakasaban.
وَهُوَ الَّذِيْٓ اَرْسَلَ الرِّيَاحَ بُشْرًاۢ بَيْنَ يَدَيْ رَحْمَتِهٖۚ وَاَنْزَلْنَا مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً طَهُوْرًا ۙ٤٨
Wa huwal-lażī arsalar-riyāḥa busyram baina yadai raḥmatih(ī), wa anzalnā minas-samā'i mā'an ṭahūrā(n).
[48]
Mantenna nu niupkeun angin (minangka) nu mawa béja pikagumbiraeun saméméh datang rahmat-Na (hujan). Kami nurunkeun ti langit cai nu kacida sucina.
لِّنُحْيِ َۧ بِهٖ بَلْدَةً مَّيْتًا وَّنُسْقِيَهٗ مِمَّا خَلَقْنَآ اَنْعَامًا وَّاَنَاسِيَّ كَثِيْرًا٤٩
Linuḥyiya bihī baldatam maitaw wa nusqiyahū mimmā khalaqnā an‘āmaw wa anāsiyya kaṡīrā(n).
[49]
Sangkan ku éta cai téh Kami ngahirupkeun nagri nu paéh jeung méré nginum ka sabagian nu ku Kami diciptakeun, (nyaéta) sato ingon-ingon jeung manusa anu loba.
وَلَقَدْ صَرَّفْنٰهُ بَيْنَهُمْ لِيَذَّكَّرُوْاۖ فَاَبٰىٓ اَكْثَرُ النَّاسِ اِلَّا كُفُوْرًا٥٠
Wa laqad ṣarrafnāhu bainahum liyażżakkarū, fa abā akṡarun-nāsi illā kufūrā(n).
[50]
Sabenerna Kami geus ngabagilirkeun (éta hujan) di antara maranéhna sangkan ngalap atikan. Tapi, kalolobaan manusa mah embungeun (sukuran), malahan mah maranéhna ingkar kana (ni’mat).
وَلَوْ شِئْنَا لَبَعَثْنَا فِيْ كُلِّ قَرْيَةٍ نَّذِيْرًا ۖ٥١
Wa lau syi'nā laba‘aṡnā fī kulli qaryatin nażīrā(n).
[51]
Sakirana ngersakeun, tangtu Kami ngutus saurang (utusan) anu méré pépéling ka saban nagri.
فَلَا تُطِعِ الْكٰفِرِيْنَ وَجَاهِدْهُمْ بِهٖ جِهَادًا كَبِيْرًا٥٢
Falā tuṭi‘il-kāfirīna wa jāhidhum bihī jihādan kabīrā(n).
[52]
Mangka, hidep ulah taat ka jalma-jalma kapir jeung pék geura jihad nyanghareupan maranéhna ku (Al-Qur’an) kalayan (sumanget) jihad nu gedé.
۞ وَهُوَ الَّذِيْ مَرَجَ الْبَحْرَيْنِ هٰذَا عَذْبٌ فُرَاتٌ وَّهٰذَا مِلْحٌ اُجَاجٌۚ وَجَعَلَ بَيْنَهُمَا بَرْزَخًا وَّحِجْرًا مَّحْجُوْرًا٥٣
Wa huwal-lażī marajal-baḥraini hāżā ‘ażbun furātuw wa hāżā milḥun ujāj(un), wa ja‘ala bainahumā barzakhaw wa ḥijram maḥjūrā(n).
[53]
Mantenna nu ngalirkeun dua laut (pagigir-gigir); nu hiji tawar tur seger sedengkeun nu hiji deui kacida pangsétna bari pait; jeung Mantenna ngajadikeun antara duanana pamisah jeung wates nu teu tembus.
وَهُوَ الَّذِيْ خَلَقَ مِنَ الْمَاۤءِ بَشَرًا فَجَعَلَهٗ نَسَبًا وَّصِهْرًاۗ وَكَانَ رَبُّكَ قَدِيْرًا٥٤
Wa huwal-lażī khalaqa minal-mā'i basyaran fa ja‘alahū nasabaw wa ṣihrā(n), wa kāna rabbuka qadīrā(n).
[54]
Mantenna (ogé) nu nyiptakeun manusa tina cai (mani). Lajeng, Mantenna ngajadikeunana (éta manusa ngabogaan) turunan jeung muṣāḥarah (hubungan kulawarga). 615 Pangéran hidep téh Mahakawasa.
615) Muṣāharah téh hartina hiji iketan duduluran nu asalna tina iketan pernikahan, saperti minantu, adi beuteung, dahuan, mitoha, jeung sajabana.
وَيَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَنْفَعُهُمْ وَلَا يَضُرُّهُمْۗ وَكَانَ الْكَافِرُ عَلٰى رَبِّهٖ ظَهِيْرًا٥٥
Wa ya‘budūna min dūnillāhi mā lā yanfa‘uhum wa lā yaḍurruhum, wa kānal-kāfiru ‘alā rabbihī ẓahīrā(n).
[55]
Maranéhna nyembah ka salian ti Allah naon anu henteu méré mangpa’at jeung henteu (ogé) ngadatangkeun madarat ka maranéhna. Jalma kapir téh nyaéta anu nulungan (ka sétan dina milampah kadorakaan) ka Pangéranana.
وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا مُبَشِّرًا وَّنَذِيْرًا٥٦
Wa mā arsalnāka illā mubasysyiraw wa nażīrā(n).
[56]
Kami henteu ngutus hidep (Muhammad), kajaba mawa béja pikagumbiraeun jeung méré pépéling.
قُلْ مَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍ اِلَّا مَنْ شَاۤءَ اَنْ يَّتَّخِذَ اِلٰى رَبِّهٖ سَبِيْلًا٥٧
Qul mā as'alukum ‘alaihi min ajrin illā man syā'a ay yattakhiża ilā rabbihī sabīlā(n).
[57]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring henteu ménta buruh nanaon ti aranjeun (dina nepikeun éta risalah), iwal (miharep) supaya jalma-jalma daék nyorang jalan ka Pangéranana.
وَتَوَكَّلْ عَلَى الْحَيِّ الَّذِيْ لَا يَمُوْتُ وَسَبِّحْ بِحَمْدِهٖۗ وَكَفٰى بِهٖ بِذُنُوْبِ عِبَادِهٖ خَبِيْرًا ۚ٥٨
Wa tawakkal ‘alal-ḥayyil-lażī lā yamūtu wa sabbiḥ biḥamdih(ī), wa kafā bihī biżunūbi ‘ibādihī khabīrā(n).
[58]
Sing tawekal ka (Allah) Nu Mahahirup nu henteu maot, jeung pék tasbéh ku muji Mantenna. Cekap Mantenna Mahauninga kana dosa hamba-hamba-Na.
اَلَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِۚ اَلرَّحْمٰنُ فَسْـَٔلْ بِهٖ خَبِيْرًا٥٩
Allażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā fī sittati ayyāmin ṡummastawā ‘alal-‘arsy(i), ar-raḥmānu fas'al bihī khabīrā(n).
[59]
(Allah) anu nyiptakeun langit jeung bumi sarta nu aya di antarana dina genep mangsa. Lajeng, Mantenna istiwā’ di luhur Arasy. 616 (Mantenna téh) Nu Mahamurah. Taroskeun baé (hé Muhammad) ngeunaan Mantenna (Allah) ka Nu Mahauninga (Allah).
616) Tingal catetan kaki surat al-A`raf/7:44
وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ اسْجُدُوْا لِلرَّحْمٰنِ قَالُوْا وَمَا الرَّحْمٰنُ اَنَسْجُدُ لِمَا تَأْمُرُنَا وَزَادَهُمْ نُفُوْرًا ۩ ࣖ٦٠
Wa iżā qīla lahumusjudū lir-raḥmāni qālū wa mar-raḥmānu anasjudu limā ta'murunā wa zādahum nufūrā(n).
[60]
Upama dicaritakeun ka maranéhna, “Pék geura sujud ka Nu Mahaasih,” maranéhna ngajawab, “Saha téa Nu Mahaasih téh? Naha kuring saréréa kudu sujud ka (Allah) nu ku manéh (Muhammad) geus diparéntahkeun ka kuring saréréa?” (Éta paréntah) téh kalah ka beuki nambahan maranéhna lumpat (tina bebeneran).
تَبٰرَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِى السَّمَاۤءِ بُرُوْجًا وَّجَعَلَ فِيْهَا سِرٰجًا وَّقَمَرًا مُّنِيْرًا٦١
Tabārakal-lażī ja‘ala fis-samā'i burūjaw wa ja‘ala fīhā sirājaw wa qamaram munīrā(n).
[61]
Mahaberkah (Allah) nu ngajantenkeun gugusan béntang di langit sarta di dinya aya pelita (panonpoé) sareng bulan anu cahayaan.
وَهُوَ الَّذِيْ جَعَلَ الَّيْلَ وَالنَّهَارَ خِلْفَةً لِّمَنْ اَرَادَ اَنْ يَّذَّكَّرَ اَوْ اَرَادَ شُكُوْرًا٦٢
Wa huwal-lażī ja‘alal-laila wan-nahāra khilfatal liman arāda ay yażżakkara au arāda syukūrā(n).
[62]
Mantenna (ogé) nu ngajantenkeun peuting jeung beurang piligenti pikeun jalma nu hayang ngalap atikan atawa nu hayang sukuran.
وَعِبَادُ الرَّحْمٰنِ الَّذِيْنَ يَمْشُوْنَ عَلَى الْاَرْضِ هَوْنًا وَّاِذَا خَاطَبَهُمُ الْجٰهِلُوْنَ قَالُوْا سَلٰمًا٦٣
Wa ‘ibādur-raḥmānil-lażīna yamsyūna ‘alal-arḍi haunaw wa iżā khāṭabahumul-jāhilūna qālū salāmā(n).
[63]
Hamba-hambana Allah Nu Mahawelas téh nyaéta anu kumelendang di bumi bari handap asor jeung upama jalma-jalma bodo ngajak nyarita ka aranjeunna (ku omongan nu ngahina), aranjeunna mah ngucapkeun, “Salam,”
وَالَّذِيْنَ يَبِيْتُوْنَ لِرَبِّهِمْ سُجَّدًا وَّقِيَامًا٦٤
Wal-lażīna yabītūna lirabbihim sujjadaw wa qiyāmā(n).
[64]
jalma-jalma anu ngeusi waktu peutingna pikeun ibadah ka Pangéranana bari sujud jeung nangtung,
وَالَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَا اصْرِفْ عَنَّا عَذَابَ جَهَنَّمَۖ اِنَّ عَذَابَهَا كَانَ غَرَامًا ۖ٦٥
Wal-lażīna yaqūlūna rabbanaṣrif ‘annā ‘ażāba jahannam(a), inna ‘ażābahā kāna garāmā(n).
[65]
jalma-jalma anu ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, tebihkeun siksa Jahanam ti abdi sadaya margi sabenerna siksana téh langgeng.”
اِنَّهَا سَاۤءَتْ مُسْتَقَرًّا وَّمُقَامًا٦٦
Innahā sā'at mustaqarraw wa muqāmā(n).
[66]
Sabenerna éta (Jahanam) téh nyaéta tempat dumuk jeung tempat cicing anu panggoréng-goréngna.
وَالَّذِيْنَ اِذَآ اَنْفَقُوْا لَمْ يُسْرِفُوْا وَلَمْ يَقْتُرُوْا وَكَانَ بَيْنَ ذٰلِكَ قَوَامًا٦٧
Wal-lażīna iżā anfaqū lam yusrifū wa lam yaqturū wa kāna baina żālika qawāmā(n).
[67]
Ogé jalma-jalma anu upama inpak téh henteu kaleuleuwihi jeung henteu (ogé) medit. (Inpakna) nyaéta sineger tengah di antarana,
وَالَّذِيْنَ لَا يَدْعُوْنَ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ وَلَا يَقْتُلُوْنَ النَّفْسَ الَّتِيْ حَرَّمَ اللّٰهُ اِلَّا بِالْحَقِّ وَلَا يَزْنُوْنَۚ وَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ يَلْقَ اَثَامًا ۙ٦٨
Wal-lażīna lā yad‘ūna ma‘allāhi ilāhan ākhara wa lā yaqtulūnan nafsal-latī ḥarramallāhu illā bil-ḥaqqi wa lā yaznūn(a), wa may yaf‘al żālika yalqa aṡāmā(n).
[68]
jeung jalma-jalma anu henteu nyarékatkeun Allah ku sesembahan séjén, henteu maéhan jalma nu diharamkeun ku Allah kajaba kalayan (alesan) nu bener, jeung henteu jinah. Saha baé nu milampah hal éta, tangtu bakal meunang dosa.
يُّضٰعَفْ لَهُ الْعَذَابُ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وَيَخْلُدْ فِيْهٖ مُهَانًا ۙ٦٩
Yuḍā‘af lahul-‘ażābu yaumal-qiyāmati wa yakhlud fīhī muhānā(n).
[69]
Pikeun manéhna siksaan anu mangtikel-tikel dina Poé Kiamat jeung manéhna bakal langgeng dina éta siksaan bari aya dina kahinaan,
اِلَّا مَنْ تَابَ وَاٰمَنَ وَعَمِلَ عَمَلًا صَالِحًا فَاُولٰۤىِٕكَ يُبَدِّلُ اللّٰهُ سَيِّاٰتِهِمْ حَسَنٰتٍۗ وَكَانَ اللّٰهُ غَفُوْرًا رَّحِيْمًا٧٠
Illā man tāba wa āmana wa ‘amila ‘amalan ṣāliḥan fa ulā'ika yubaddilullāhu sayyi'ātihim ḥasanāt(in), wa kānallāhu gafūrar raḥīmā(n).
[70]
kajaba jalma-jalma anu tobat, iman, jeung milampah amal soléh. Mangka, Allah ngagentosan kagoréngan aranjeunna (ku) kahadéan. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَمَنْ تَابَ وَعَمِلَ صَالِحًا فَاِنَّهٗ يَتُوْبُ اِلَى اللّٰهِ مَتَابًا٧١
Wa man tāba wa ‘amila ṣāliḥan fa innahū yatūbu ilallāhi matābā(n).
[71]
Saha baé anu tobat jeung milampah amal soléh, sabenerna anjeunna tobat ka Allah kalayan tobat nu sabenerna
وَالَّذِيْنَ لَا يَشْهَدُوْنَ الزُّوْرَۙ وَاِذَا مَرُّوْا بِاللَّغْوِ مَرُّوْا كِرَامًا٧٢
Wal-lażīna yasyhadūnaz-zūr(a), wa iżā marrū bil-lagwi marrū kirāmā(n).
[72]
Ogé jalma-jalma anu henteu meré saksi palsu, sarta upama aranjeunna papanggih jeung (jalma-jalma) nu milampah pagawéan nu taya paédahna, aranjeunna mah ngaléos baé bari ngajaga kahormatanana.
وَالَّذِيْنَ اِذَا ذُكِّرُوْا بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ لَمْ يَخِرُّوْا عَلَيْهَا صُمًّا وَّعُمْيَانًا٧٣
Wal-lażīna iżā żukkirū bi'āyāti rabbihim lam yakhirrū ‘alaihā ṣummaw wa ‘umyānā(n).
[73]
Ogé jalma-jalma anu upama dibéré pépéling ku ayat-ayat Pangéranana, maranéhna henteu mibanda sikep siga jalma-jalma nu torék jeung lolong.
وَالَّذِيْنَ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ اَزْوَاجِنَا وَذُرِّيّٰتِنَا قُرَّةَ اَعْيُنٍ وَّاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِيْنَ اِمَامًا٧٤
Wal-lażīna yaqūlūna rabbanā hab lanā min azwājinā wa żurriyyātinā qurrata a‘yuniw waj‘alnā lil-muttaqīna imāmā(n).
[74]
Ogé jalma-jalma anu ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngurniakeun ka abdi sadaya panglipur kalbu ti istri-istri sareng turunan abdi sadaya, sarta ngajadikeun abdi sadaya pamingpin pikeun jalma-jalma nu takwa.”
اُولٰۤىِٕكَ يُجْزَوْنَ الْغُرْفَةَ بِمَا صَبَرُوْا وَيُلَقَّوْنَ فِيْهَا تَحِيَّةً وَّسَلٰمًا ۙ٧٥
Ulā'ika yujzaunal-gurfata bimā ṣabarū wa yulaqqauna fīhā taḥiyyataw wa salāmā(n).
[75]
Aranjeunna bakal diwales ku tempat anu luhung (di sawarga) ku sabab kasabaranana sarta bakal dipapag ku panghormat jeung salam.
خٰلِدِيْنَ فِيْهَاۗ حَسُنَتْ مُسْتَقَرًّا وَّمُقَامًا٧٦
Khālidīna fīhā, ḥasunat mustaqarraw wa muqāmā(n).
[76]
Aranjeunna langgeng di dinyana. Éta (sawarga) nu pangalus-alusna tempat dumuk jeung tempat cicing.
قُلْ مَا يَعْبَؤُا بِكُمْ رَبِّيْ لَوْلَا دُعَاۤؤُكُمْۚ فَقَدْ كَذَّبْتُمْ فَسَوْفَ يَكُوْنُ لِزَامًا ࣖ٧٧
Qul mā ya‘ba'u bikum rabbī lau lā du‘ā'ukum, faqad każżabtum fa saufa yakūnu lizāmā(n).
[77]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad ka jalma-jalma musrik), “Pangéran kami moal maliré ka aranjeun lamun lain lantaran ibadah aranjeun. Padahal mah, saenyana aranjeun geus ngabohongkeuna-Na? Nya ku sabab kitu, engké (siksa) pasti (tumiba ka aranjeun).”