Surah An-Nur
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
سُوْرَةٌ اَنْزَلْنٰهَا وَفَرَضْنٰهَا وَاَنْزَلْنَا فِيْهَآ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍ لَّعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ١
Sūratun anzalnāhā wa faraḍnāhā wa anzalnā fīhā āyātim bayyinātil la‘allakum tażakkarūn(a).
[1]
(Ieu téh) hiji surat anu diturunkeun ku Kami. Kami ngawajibkeun (ngajalankeun hukum-hukum)-na, jeung Kami nurunkeun di jerona ayat-ayat anu jelas sangkan aranjeun meunang pépéling.
اَلزَّانِيَةُ وَالزَّانِيْ فَاجْلِدُوْا كُلَّ وَاحِدٍ مِّنْهُمَا مِائَةَ جَلْدَةٍ ۖوَّلَا تَأْخُذْكُمْ بِهِمَا رَأْفَةٌ فِيْ دِيْنِ اللّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ تُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۚ وَلْيَشْهَدْ عَذَابَهُمَا طَاۤىِٕفَةٌ مِّنَ الْمُؤْمِنِيْنَ٢
Az-zāniyatu waz-zānī fajlidū kulla wāḥidim minhumā mi'ata jaldah(tan), wa lā ta'khużkum bihimā ra'fatun fī dīnillāhi in kuntum tu'minūna billāhi wal-yaumil-ākhir(i), walyasyhad ‘ażābahumā ṭā'ifatum minal-mu'minīn(a).
[2]
Awéwé nu jinah jeung lalaki nu jinah, pék rangkét masing-masing ti duanana saratus rangkétan jeung rasa karunya ka duanana ulah jadi panghalang aranjeun pikeun (ngalaksanakeun) agama (hukum) Allah lamun aranjeun iman mah ka Allah jeung ka Poé Ahir. (Ngalaksanakeun) hukuman ka maranéhna téh kudu disaksian ku sabagian golongan jalma-jalma mu’min.
اَلزَّانِيْ لَا يَنْكِحُ اِلَّا زَانِيَةً اَوْ مُشْرِكَةً ۖوَّالزَّانِيَةُ لَا يَنْكِحُهَآ اِلَّا زَانٍ اَوْ مُشْرِكٌ ۚوَحُرِّمَ ذٰلِكَ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ٣
Az-zānī lā yankiḥu illā zāniyatan au musyrikah(tan), waz-zāniyatu lā yankiḥuhā illā zānin au musyrik(un), wa ḥurrima żālika ‘alal-mu'minīn(a).
[3]
Lalaki anu jinah henteu pantes kawin anging ka awéwé anu jinah atawa ka awéwé anu musrik, jeung awéwé anu jinah teu pantes kawin anging jeung lalaki anu jinah atawa jeung lalaki musrik. Éta téh diharamkeun pikeun jalma-jalma mu’min. 592
592) Jalma mu’min teu pantes kawin jeung tukang jinah, nya kitu ogé sabalikna.
وَالَّذِيْنَ يَرْمُوْنَ الْمُحْصَنٰتِ ثُمَّ لَمْ يَأْتُوْا بِاَرْبَعَةِ شُهَدَاۤءَ فَاجْلِدُوْهُمْ ثَمٰنِيْنَ جَلْدَةً وَّلَا تَقْبَلُوْا لَهُمْ شَهَادَةً اَبَدًاۚ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ ۙ٤
Wal-lażīna yarmūnal-muḥṣanāti ṡumma lam ya'tū bi'arba‘ati syuhadā'a fajlidūhum ṡamānīna jaldataw wa lā taqbalū lahum syahādatan abadā(n), wa ulā'ika humul-fāsiqūn(a).
[4]
Jalma-jalma anu nuduh (jinah ka) istri anu ngajaga diri jeung henteu ngadatangkeun opat saksi, mangka rangkét maranéhna (éta anu nuduh) dalapan puluh kali jeung aranjeun salilana ulah narima kasaksian maranéhna. Maranéhna téh jalma-jalma pasék,
اِلَّا الَّذِيْنَ تَابُوْا مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ وَاَصْلَحُوْاۚ فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٥
Illal-lażīna tābū mim ba‘di żālika wa aṣlaḥū, fa innallāha gafūrur raḥīm(un).
[5]
anging maranéhna anu tobat sanggeusna éta jeung ngoméan (dirina), mangka saenyana Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
وَالَّذِيْنَ يَرْمُوْنَ اَزْوَاجَهُمْ وَلَمْ يَكُنْ لَّهُمْ شُهَدَاۤءُ اِلَّآ اَنْفُسُهُمْ فَشَهَادَةُ اَحَدِهِمْ اَرْبَعُ شَهٰدٰتٍۢ بِاللّٰهِ ۙاِنَّهٗ لَمِنَ الصّٰدِقِيْنَ٦
Wal-lażīna yarmūna azwājahum wa lam yakul lahum syuhadā'u illā anfusuhum fa syahādatu aḥadihim arba‘u syahādātim billāh(i), innahū laminaṣ-ṣādiqīn(a).
[6]
Jalma-jalma anu nuduh jinah ka pamajikanana, padahal maranéhna teu boga saksi-saksi salian ti dirina sorangan, mangka kasaksian masing-masing éta jalma téh nyaéta opat kali sumpah kalayan (jenengan) Allah, yén sabenerna manéhna téh kaasup jalma-jalma anu bener,
وَالْخَامِسَةُ اَنَّ لَعْنَتَ اللّٰهِ عَلَيْهِ اِنْ كَانَ مِنَ الْكٰذِبِيْنَ٧
Wal-khāmisatu anna la‘natallāhi ‘alaihi in kāna minal-kāżibīn(a).
[7]
jeung (sumpah) nu kalima kalina, nyaéta la’nat Allah ka dirina lamun manéhna kaasup jalma-jalma anu ngabohong. 593
593) Nu dimaksad ku ayat 6-7 téh nyaéta jalma anu nuduh jinah bari teu bisa ngadatangkeun opat urang saksi, nya manéhna kudu daék sumpah nyebat jenengan Allah opat kali, yén tuduhanana téh bener. Tuluy manéhna kudu daék sumpah sakali deui yén manéhna bakal keuna ku la’nat Allah lamun seug manéhna bohong. Perkara ieu dina fiqih mah disebutna téh bab li’ān.
وَيَدْرَؤُا عَنْهَا الْعَذَابَ اَنْ تَشْهَدَ اَرْبَعَ شَهٰدٰتٍۢ بِاللّٰهِ اِنَّهٗ لَمِنَ الْكٰذِبِيْنَ ۙ٨
Wa yadra'u ‘anhal-‘ażāba an tasyhada arba‘a syahādātim billāhi innahū laminal-kāżibīn(a).
[8]
Éta pamajikanana bisa leupas tina hukuman waktu manéhna sumpah opat kali kalayan (jenengan) Allah, yén anjeunna (salakina) téh bener-bener kaasup jalma-jalma anu ngabohong,
وَالْخَامِسَةَ اَنَّ غَضَبَ اللّٰهِ عَلَيْهَآ اِنْ كَانَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٩
Wal-khāmisata anna gaḍaballāhi ‘alaihā in kāna minaṣ-ṣādiqīn(a).
[9]
jeung (sumpah) anu kalima, nyaéta yén bebendu Allah ka dirina (pamajikan) upama manéhna (salakina) kaasup jalma anu bener.
وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ وَاَنَّ اللّٰهَ تَوَّابٌ حَكِيْمٌ ࣖ١٠
Wa lau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū wa annallāha tawwābun ḥakīm(un).
[10]
Lamun téa mah lain lantaran kurnia Allah jeung rahmat-Na ka aranjeun jeung (lain lantaran) Allah Nu Maha Nampi-tobat (tur) Mahawijaksana, (tangtu aranjeun bakal ngalaman kasusah).
اِنَّ الَّذِيْنَ جَاۤءُوْ بِالْاِفْكِ عُصْبَةٌ مِّنْكُمْۗ لَا تَحْسَبُوْهُ شَرًّا لَّكُمْۗ بَلْ هُوَ خَيْرٌ لَّكُمْۗ لِكُلِّ امْرِئٍ مِّنْهُمْ مَّا اكْتَسَبَ مِنَ الْاِثْمِۚ وَالَّذِيْ تَوَلّٰى كِبْرَهٗ مِنْهُمْ لَهٗ عَذَابٌ عَظِيْمٌ١١
Innal-lażīna jā'ū bil-ifki ‘uṣbatum minkum, lā taḥsabūhu syarral lakum, bal huwa khairul lakum, likullimri'im minhum maktasaba minal-iṡm(i), wal-lażī tawallā kibrahū minhum lahū ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[11]
Sabenerna jalma-jalma anu mawa béja bohong 594 téh golongan ti antara aranjeun (kénéh). Aranjeun ulah nyangka yén éta kajadian téh goréng pikeun aranjeun, sabalikna éta téh alus pikeun aranjeun. Saban jalma ti maranéhna bakal meunang wawales tina dosa anu dipilampahna. Sedengkeun jalma anu jadi lulugu ti antara maranéhna bakal meunang siksaan anu pohara beuratna.
594) Béja bohong ieu ngeunaan garwana Rasulullah Saw., nyaéta ‘Aisyah r.a., Ummul Mu’minin, sanggeusna perang ngalawan Bani Mustaliq dina sasih Sya’ban 5 H. Dina éta pangperangan téh, kaom munapék ngarilu, sareng ‘Aisyah r.a. ogé ngiring sareng Nabi Saw. dumasar kana undian nu diayakeun di antara garwa-garwana. Waktu badé mulih ti pangperangan, aranjeunna lirén heula di hiji tempat. ‘Aisyah r.a. kaluar tina sakeduqna ku margi aya kaperyogian, lajeng anjeunna mulih deui. Ngan ujug-ujug anjeunna rumaos kaleungitan kongkorong, teras anjeunna kaluar deui milari éta kongkorong. Sedeng, rombonganna arangkat pédah sangkaanana yén ‘Aisyah aya kénéh dina lebet sakeduqna. Saparantosna ‘Aisyah terang yén sakeduqna tos angkat, anjeunna teras calik di dinya sareng miharep yén éta sakeduq téh bakal mulang deui mapagkeun anjeunna. Kaleresan ngalangkung ka tempat éta saurang sahabat Nabi, Sofwan ibnu Mu’atal, nu mendakan hiji jalmi nu nuju kulem nyalira sareng anjeunna reuwas kacida bari ngucapkeun, “Innā lillāhi wa innā ila(...)
لَوْلَآ اِذْ سَمِعْتُمُوْهُ ظَنَّ الْمُؤْمِنُوْنَ وَالْمُؤْمِنٰتُ بِاَنْفُسِهِمْ خَيْرًاۙ وَّقَالُوْا هٰذَآ اِفْكٌ مُّبِيْنٌ١٢
Lau lā iż sami‘tumūhu ẓannal-mu'minūna wal-mu'minātu bi'anfusihim khairā(n), wa qālū hāżā ifkum mubīn(un).
[12]
Naha jalma-jalma mu’min jeung mu’minat henteu boga sangkaan anu hadé ka golongan maranéhna sorangan, waktu nguping éta béja bohong jeung nyarita, “Ieu mah (béja) anu jelas bohongna.”
لَوْلَا جَاۤءُوْ عَلَيْهِ بِاَرْبَعَةِ شُهَدَاۤءَۚ فَاِذْ لَمْ يَأْتُوْا بِالشُّهَدَاۤءِ فَاُولٰۤىِٕكَ عِنْدَ اللّٰهِ هُمُ الْكٰذِبُوْنَ١٣
Lau lā jā'ū ‘alaihi bi'arba‘ati syuhadā'(a), fa iż lam ya'tū bisy-syuhadā'i fa ulā'ika ‘indallāhi humul-kāżibūn(a).
[13]
Naha atuh maranéhna henteu datang mawa opat saksi? Ku sabab henteu ngadatangkeun saksi-saksi, nya maranéhna anu ngabohong dina paningal Allah mah.
وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ لَمَسَّكُمْ فِيْ مَآ اَفَضْتُمْ فِيْهِ عَذَابٌ عَظِيْمٌ١٤
Wa lau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū fid-dun-yā wal-ākhirati lamassakum fīmā afaḍtum fīhi ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[14]
Lamun téa mah lain sabab kurnia Allah katut rahmat-Na ka maranéh, tangtu maranéh ditibanan siksaan anu pohara gedéna, ku sabab caritaan maranéh ngeunaan (éta béja bohong).
اِذْ تَلَقَّوْنَهٗ بِاَلْسِنَتِكُمْ وَتَقُوْلُوْنَ بِاَفْوَاهِكُمْ مَّا لَيْسَ لَكُمْ بِهٖ عِلْمٌ وَّتَحْسَبُوْنَهٗ هَيِّنًاۙ وَّهُوَ عِنْدَ اللّٰهِ عَظِيْمٌ ۚ١٥
Iż talaqqaunahū bi'alsinatikum wa taqūlūna bi'afwāhikum mā laisa lakum bihī ‘ilmuw wa taḥsabūnahū hayyinā(n), wa huwa ‘indallāhi ‘aẓīm(un).
[15]
(Sing inget) nalika maranéh narima (éta béja bohong) ti sungut ka sungut. Maranéh nyarita ku sungut maranéh naon-naon anu teu dipikanyaho ku maranéh sorangan saeutik ogé jeung maranéh nganggap énténg, padahal éta téh dina paningal Allah mah jadi masalah gedé.
وَلَوْلَآ اِذْ سَمِعْتُمُوْهُ قُلْتُمْ مَّا يَكُوْنُ لَنَآ اَنْ نَّتَكَلَّمَ بِهٰذَاۖ سُبْحٰنَكَ هٰذَا بُهْتَانٌ عَظِيْمٌ١٦
Wa lau lā iż sami‘tumūhu qultum mā yakūnu lanā an natakallama bihāżā, subḥānaka hāżā buhtānun ‘aẓīm(un).
[16]
Naha waktu ngadéngé (éta béja bohong téh) maranéh henteu nyarita, “Teu pantes pikeun kuring saréréa nyaritakeun ieu perkara. Mahasuci Gusti. Ieu mah bohong anu kacida gedéna.”
يَعِظُكُمُ اللّٰهُ اَنْ تَعُوْدُوْا لِمِثْلِهٖٓ اَبَدًا اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ ۚ١٧
Ya‘iẓukumullāhu an ta‘ūdū limiṡlihī abadan in kuntum mu'minīn(a).
[17]
Allah ngingetan ka maranéh sangkan (ulah) milampah deui saperti kitu salilana, lamun maranéh jalma-jalma mu’min mah.
وَيُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمُ الْاٰيٰتِۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ١٨
Wa yubayyinullāhu lakumul-āyāt(i), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[18]
Allah nerangkeun ayat-ayat(-Na) ka maranéh. Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
اِنَّ الَّذِيْنَ يُحِبُّوْنَ اَنْ تَشِيْعَ الْفَاحِشَةُ فِى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌۙ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ وَاَنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ١٩
Innal-lażīna yuḥibbūna an tasyī‘al-fāḥisyatu fil-lażīna āmanū lahum ‘ażābun alīm(un), fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wallāhu ya‘lamu wa antum lā ta‘lamūn(a).
[19]
Sabenerna jalma-jalma anu ngarasa bungah ku sumebarna (béja bohong) nu kacida goréngna di golongan jalma-jalma anu iman, maranéhna téh meunang siksaan nu pohara peurihna boh di dunya boh di ahérat. Allah uninga, sedengkeun maranéh mah teu nyaho.
وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ وَاَنَّ اللّٰهَ رَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ ࣖ٢٠
Wa lau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū wa annallāha ra'ūfur raḥīm(un).
[20]
Lamun téa mah lain lantaran kurnia katut rahmat-Na ka maranéh jeung (lain lantaran) Allah Mahawelas (tur) Mahaasih, (tangtu maranéh bakal katibanan siksaan anu pohara gedéna).
۞ يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ وَمَنْ يَّتَّبِعْ خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِ فَاِنَّهٗ يَأْمُرُ بِالْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِۗ وَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ مَا زَكٰى مِنْكُمْ مِّنْ اَحَدٍ اَبَدًاۙ وَّلٰكِنَّ اللّٰهَ يُزَكِّيْ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢١
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tattabi‘ū khuṭuwātisy-syaiṭān(i), wa may yattabi‘ khuṭuwātisy-syaiṭāni fa innahū ya'muru bil-faḥsyā'i wal-munkar(i), wa lau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū mā zakā minkum min aḥadin abadā(n), wa lākinnallāha yuzakkī may yasyā'(u), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[21]
Hé jalma-jalma anu iman, aranjeun ulah nuturkeun léngkah sétan! Saha anu nuturkeun léngkah sétan, nya sabenerna manéhna (sétan) mah maréntahkeun (manusa migawé pagawéan) anu jahat jeung mungkar. Lamun téa mah lain lantaran kurnia Allah jeung rahmat-Na ka maranéh, tangtu moal aya saurang ogé ti antara maranéh anu beresih (tina éta pagawéan anu jahat jeung mungkar) salawasna. Tapi, Allah ngaberesihan saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
وَلَا يَأْتَلِ اُولُو الْفَضْلِ مِنْكُمْ وَالسَّعَةِ اَنْ يُّؤْتُوْٓا اُولِى الْقُرْبٰى وَالْمَسٰكِيْنَ وَالْمُهٰجِرِيْنَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۖوَلْيَعْفُوْا وَلْيَصْفَحُوْاۗ اَلَا تُحِبُّوْنَ اَنْ يَّغْفِرَ اللّٰهُ لَكُمْ ۗوَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٢٢
Wa lā ya'tali ulul-faḍli minkum was-sa‘ati ay yu'tū ulil-qurbā wal-masākīna wal-muhājirīna fī sabīlillāh(i), wal ya‘fū wal yaṣfaḥū, alā tuḥibbūna ay yagfirallāhu lakum, wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[22]
Jalma nu ngabogaan kaleuwihan jeung kajembaran (rejeki) ti antara aranjeun poma ulah sumpah (moal) rék méré ka dulur(na), jalma-jalma miskin, jeung jalma-jalma anu hijrah di jalan Allah. Maranéhna kudu ngahampura jeung lega haté. Naha maranéh henteu resep upama Allah ngahampura ka maranéh? Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
اِنَّ الَّذِيْنَ يَرْمُوْنَ الْمُحْصَنٰتِ الْغٰفِلٰتِ الْمُؤْمِنٰتِ لُعِنُوْا فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِۖ وَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ ۙ٢٣
Innal-lażīna yarmūnal-muḥṣanātil-gāfilātil-mu'mināti lu‘inū fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa lahum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[23]
Sabenerna jalma-jalma anu nuduh ka istri-istri nu ngajaga diri, polos, 595 jeung iman (ku tuduhan jinah), maranéhna dila’nat boh di dunya boh di ahérat jeung maranéhna bakal meunang siksaan nu gedé,
595) Nu dimaksad ku istri-istri nu polos téh nyaéta istri-istri anu tacan kantos niat pikeun milampah padamelan kotor sakali ogé.
يَّوْمَ تَشْهَدُ عَلَيْهِمْ اَلْسِنَتُهُمْ وَاَيْدِيْهِمْ وَاَرْجُلُهُمْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٢٤
Yauma tasyhadu ‘alaihim alsinatuhum wa aidīhim wa arjuluhum bimā kānū ya‘malūn(a).
[24]
dina poéan (waktu) létah, leungeun, jeung suku maranéhna jadi saksi ka maranéhna kana naon anu dipilampah ku maranéhna baheula.
يَوْمَىِٕذٍ يُّوَفِّيْهِمُ اللّٰهُ دِيْنَهُمُ الْحَقَّ وَيَعْلَمُوْنَ اَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ٢٥
Yauma'iżiy yuwaffīhimullāhu dīnahumul-ḥaqqa wa ya‘lamūna annallāha huwal-ḥaqqul-mubīn(u).
[25]
Dina éta poé, Allah nyampurnakeun wawales nu sabenerna ka maranéhna jeung maranéhna nyaho yén saenyana Allah Mahaleres (tur) Maha Nétélakeun.
اَلْخَبِيْثٰتُ لِلْخَبِيْثِيْنَ وَالْخَبِيْثُوْنَ لِلْخَبِيْثٰتِۚ وَالطَّيِّبٰتُ لِلطَّيِّبِيْنَ وَالطَّيِّبُوْنَ لِلطَّيِّبٰتِۚ اُولٰۤىِٕكَ مُبَرَّءُوْنَ مِمَّا يَقُوْلُوْنَۗ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّرِزْقٌ كَرِيْمٌ ࣖ٢٦
Al-khabīṡātu lil-khabīṡīna wal-khabīṡūna lil-khabīṡāt(i), waṭ-ṭayyibātu liṭ-ṭayyibīna waṭ-ṭayyibūna liṭ-ṭayyibāt(i), ulā'ika mubarra'ūna mimmā yaqūlūn(a), lahum magfiratuw wa rizqun karīm(un).
[26]
Awéwé-awéwé anu jahat pikeun lalaki-lalaki anu jahat, jeung lalaki-lalaki anu jahat (disadiakeun) pikeun awéwé-awéwé anu jahat (deui). Ari istri-istri anu hadé pikeun lalaki-lalaki anu hadé, jeung lalaki-lalaki nu hadé pikeun awéwé-awéwé anu hadé (deui). Aranjeunna (nu hadé) éta beresih tina naon anu dituduhkeun ku maranéhna. Pikeun aranjeunna pangampura sareng rejeki anu mulya. 596
596) Ieu ayat nuduhkeun kasucian ‘Aisyah r.a. jeung Sofwan tina sagala tuduhan nu dituduhkeun ka aranjeunna. Rasulullah téh jalmi anu pangsaéna, nya tangtu nu janten garwana téh istri anu saé ogé.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَدْخُلُوْا بُيُوْتًا غَيْرَ بُيُوْتِكُمْ حَتّٰى تَسْتَأْنِسُوْا وَتُسَلِّمُوْا عَلٰٓى اَهْلِهَاۗ ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ٢٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tadkhulū buyūtan gaira buyūtikum ḥattā tasta'nisū wa tusallimū ‘alā ahlihā, żālikum khairul lakum la‘allakum tażakkarūn(a).
[27]
Hé jalma-jalma nu iman, aranjeun ulah asup ka imah batur saméméh ménta idin jeung uluk salam heula ka pangeusina. Éta téh leuwih hadé pikeun aranjeun sangkan meunang pépéling.
فَاِنْ لَّمْ تَجِدُوْا فِيْهَآ اَحَدًا فَلَا تَدْخُلُوْهَا حَتّٰى يُؤْذَنَ لَكُمْ وَاِنْ قِيْلَ لَكُمُ ارْجِعُوْا فَارْجِعُوْا هُوَ اَزْكٰى لَكُمْ ۗوَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ عَلِيْمٌ٢٨
Fa illam tajidū fīhā aḥadan falā tadkhulūhā ḥattā yu'żana lakum wa in qīla lakumurji‘ū farji‘ū huwa azkā lakum, wallāhu bimā ta‘malūna ‘alīm(un).
[28]
Lamun aranjeun teu tepung jeung jalma saurang ogé di dinya, atuh ulah asup saméméh aranjeun meunang idin. Upama dicaritaan ka aranjeun, “Mangga mulih baé,” nya atuh balik deui baé. Éta téh leuwih beresih pikeun aranjeun. Allah Mahauninga kana naon anu dipilampah ku aranjeun.
لَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ اَنْ تَدْخُلُوْا بُيُوْتًا غَيْرَ مَسْكُوْنَةٍ فِيْهَا مَتَاعٌ لَّكُمْۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تُبْدُوْنَ وَمَا تَكْتُمُوْنَ٢٩
Laisa ‘alaikum junāḥun an tadkhulū buyūtan gaira maskūnatin fīhā matā‘ul lakum, wallāhu ya‘lamu mā tubdūna wa mā taktumūn(a).
[29]
Taya dosana keur aranjeun asup ka imah anu teu dicicingan (minangka tempat umum), anu di jerona aya kaperluan aranjeun. Allah uninga kana naon anu ditémbongkeun jeung disumputkeun ku aranjeun.
قُلْ لِّلْمُؤْمِنِيْنَ يَغُضُّوْا مِنْ اَبْصَارِهِمْ وَيَحْفَظُوْا فُرُوْجَهُمْۗ ذٰلِكَ اَزْكٰى لَهُمْۗ اِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌۢ بِمَا يَصْنَعُوْنَ٣٠
Qul lil-mu'minīna yaguḍḍū min abṡārihim wa yaḥfaẓū furūjahum, żālika azkā lahum, innallāha khabīrum bimā yaṣna‘ūn(a).
[30]
Caritakeun ka lalaki-lalaki anu iman sangkan aranjeunna miara paningalna jeung ngajaga gagaduhanana. Éta téh leuwih suci pikeun aranjeunna. Saleresna Allah Mahataliti kana naon anu dipilampah ku aranjeunna.
وَقُلْ لِّلْمُؤْمِنٰتِ يَغْضُضْنَ مِنْ اَبْصَارِهِنَّ وَيَحْفَظْنَ فُرُوْجَهُنَّ وَلَا يُبْدِيْنَ زِيْنَتَهُنَّ اِلَّا مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَلْيَضْرِبْنَ بِخُمُرِهِنَّ عَلٰى جُيُوْبِهِنَّۖ وَلَا يُبْدِيْنَ زِيْنَتَهُنَّ اِلَّا لِبُعُوْلَتِهِنَّ اَوْ اٰبَاۤىِٕهِنَّ اَوْ اٰبَاۤءِ بُعُوْلَتِهِنَّ اَوْ اَبْنَاۤىِٕهِنَّ اَوْ اَبْنَاۤءِ بُعُوْلَتِهِنَّ اَوْ اِخْوَانِهِنَّ اَوْ بَنِيْٓ اِخْوَانِهِنَّ اَوْ بَنِيْٓ اَخَوٰتِهِنَّ اَوْ نِسَاۤىِٕهِنَّ اَوْ مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُنَّ اَوِ التّٰبِعِيْنَ غَيْرِ اُولِى الْاِرْبَةِ مِنَ الرِّجَالِ اَوِ الطِّفْلِ الَّذِيْنَ لَمْ يَظْهَرُوْا عَلٰى عَوْرٰتِ النِّسَاۤءِ ۖوَلَا يَضْرِبْنَ بِاَرْجُلِهِنَّ لِيُعْلَمَ مَا يُخْفِيْنَ مِنْ زِيْنَتِهِنَّۗ وَتُوْبُوْٓا اِلَى اللّٰهِ جَمِيْعًا اَيُّهَ الْمُؤْمِنُوْنَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ٣١
Wa qul lil-mu'mināti yagḍuḍna min abṡārihinna wa yaḥfaẓna furūjahunna wa lā yubdīna zīnatahunna illā mā ẓahara minhā walyaḍribna bikhumurihinna ‘alā juyūbihinn(a), wa lā yubdīna zīnatahunna illā libu‘ūlatihinna au ābā'ihinna au abnā'ihinna au abnā'i bu‘ūlatihinna au ikhwānihinna au banī ikhwānihinna au nisā'ihinna au mā malakat aimānuhunna awit-tābi‘īna gairi ulil-irbati minar-rijāli awiṭ-ṭiflil-lażīna lam yaẓharū ‘alā ‘aurātin-nisā'(i), wa lā yaḍribna bi'arjulihinna liyu‘lama mā yukhfīna min zīnatihinn(a), wa tūbū ilallāhi jamī‘an ayyuhal-mu'minūna la‘allakum tufliḥūn(a).
[31]
Caritakeun ka istri-istri anu iman sangkan aranjeunna miara paningalna, ngajaga gagaduhanana, jeung ulah sina némbongkeun perhiasanana (bagian awakna), kajaba anu (biasa) katingal. Aranjeunna sangkan nutupkeun kaén tiungna kana dadana. Aranjeunna poma ulah némbongkeun perhiasanana (oratna) kajaba ka salakina, ka bapana, ka bapa salakina, ka putra-putrana, ka putra-putra ti salakina, ka dulur-dulur lalakina, ka putra-putra dulur lalakina, ka putra-putra dulur awéwéna, ka wanoja-wanoja (sasama muslim), ka abid-abid nu dipiboga ku aranjeunna, ka pembantu lalaki (kolot) anu teu boga kahayang (ka awéwé), atawa ka barudak anu tacan ngarti kana orat awéwé. Aranjeunna ulah sok nénjragkeun sukuna supaya kanyahoan perhiasan nu disumputkeun ku aranjeunna. Prak geura tobat aranjeun saréréa ka Allah, hé jalma-jalma anu iman sangkan untung.
وَاَنْكِحُوا الْاَيَامٰى مِنْكُمْ وَالصّٰلِحِيْنَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَاِمَاۤىِٕكُمْۗ اِنْ يَّكُوْنُوْا فُقَرَاۤءَ يُغْنِهِمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖۗ وَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ٣٢
Wa ankiḥul-ayāmā minkum waṣ-ṣāliḥīna min ‘ibādikum wa imā'ikum, iy yakūnū fuqarā'a yugnihimullāhu min faḍlih(ī), wallāhu wāsi‘un ‘alīm(un).
[32]
Pék tikahkeun jalma-jalma anu léngoh ti antara aranjeun jeung ogé jalma-jalma anu pantes (kawin) ti antara abid-abid aranjeun boh lalaki atawa awéwé. Lamun maranéhna miskin, Allah bakal maparin kamampuh ka maranéhna tina kurnia-Na. Allah Mahajembar (Kurnia-Na) (tur) Mahauninga.
وَلْيَسْتَعْفِفِ الَّذِيْنَ لَا يَجِدُوْنَ نِكَاحًا حَتّٰى يُغْنِيَهُمُ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖ ۗوَالَّذِيْنَ يَبْتَغُوْنَ الْكِتٰبَ مِمَّا مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ فَكَاتِبُوْهُمْ اِنْ عَلِمْتُمْ فِيْهِمْ خَيْرًا وَّاٰتُوْهُمْ مِّنْ مَّالِ اللّٰهِ الَّذِيْٓ اٰتٰىكُمْ ۗوَلَا تُكْرِهُوْا فَتَيٰتِكُمْ عَلَى الْبِغَاۤءِ اِنْ اَرَدْنَ تَحَصُّنًا لِّتَبْتَغُوْا عَرَضَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۗوَمَنْ يُّكْرِهْهُّنَّ فَاِنَّ اللّٰهَ مِنْۢ بَعْدِ اِكْرَاهِهِنَّ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٣٣
Walyasta‘fifil-lażīna lā yajidūna nikāḥan ḥattā yugniyahumullāhu min faḍlih(ī), wal-lażīna yabtagūnal-kitāba mimmā malakat aimānukum fa kātibūhum in ‘alimtum fīhim khairaw wa ātūhum mim mālillāhil-lażī ātākum, wa lā tukrihū fatayātikum ‘alal-bigā'i in aradna taḥaṣṣunal litabtagū ‘araḍal-ḥayātid-dun-yā, wa may yukrihhunna fa innallāha mim ba‘di ikrāhihinna gafūrur raḥīm(un).
[33]
Jalma-jalma anu tacan sanggup nikah kudu ngajaga kasucian (diri)-na nepi ka Allah maparin kamampuh ka maranéhna kalayan kurnia-Na. (Lamun) abid anu dipimilik ku aranjeun hayangeun nyieun perjangjian (sangkan merdéka), pék ku aranjeun jieun perjangjian jeung maranéhna, lamun aranjeun nyaho aya kahadéan di maranéhna mah. Pék bikeun ku aranjeun ka maranéhna sabagian tina harta Allah anu geus dipaparinkeun ku Mantenna ka aranjeun. Poma aranjeun ulah maksa ka abid-abid aranjeun sangkan lacur ku alatan aranjeun néangan kauntungan dunya, sedengkeun maranéhna sorangan hayangeun aya dina kasucian. Saha baé nu dipaksa ku dunungana maranéhna, nya saenyana Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih (ka maranéhna) sanggeus maranéhna dipaksa.
وَلَقَدْ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكُمْ اٰيٰتٍ مُّبَيِّنٰتٍ وَّمَثَلًا مِّنَ الَّذِيْنَ خَلَوْا مِنْ قَبْلِكُمْ وَمَوْعِظَةً لِّلْمُتَّقِيْنَ ࣖ٣٤
Wa laqad anzalnā ilaikum āyātim mubayyinātiw wa maṡalam minal-lażīna khalau min qablikum wa mau‘iẓatal lil-muttaqīn(a).
[34]
Sabenerna Kami bener-bener geus nurunkeun ka aranjeun ayat-ayat anu méré katerangan, conto-conto ti jalma-jalma saméméh aranjeun, jeung atikan pikeun jalma-jalma anu takwa.
۞ اَللّٰهُ نُوْرُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ مَثَلُ نُوْرِهٖ كَمِشْكٰوةٍ فِيْهَا مِصْبَاحٌۗ اَلْمِصْبَاحُ فِيْ زُجَاجَةٍۗ اَلزُّجَاجَةُ كَاَنَّهَا كَوْكَبٌ دُرِّيٌّ يُّوْقَدُ مِنْ شَجَرَةٍ مُّبٰرَكَةٍ زَيْتُوْنَةٍ لَّا شَرْقِيَّةٍ وَّلَا غَرْبِيَّةٍۙ يَّكَادُ زَيْتُهَا يُضِيْۤءُ وَلَوْ لَمْ تَمْسَسْهُ نَارٌۗ نُوْرٌ عَلٰى نُوْرٍۗ يَهْدِى اللّٰهُ لِنُوْرِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَيَضْرِبُ اللّٰهُ الْاَمْثَالَ لِلنَّاسِۗ وَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ۙ٣٥
Allāhu nūrus-samāwāti wal-arḍ(i), maṡalu nūrihī kamisykātin fīhā miṣbāḥ(un), al-miṣbāḥu fī zujājah(tin), az-zujājatu ka'annahā kaukabun durriyyuy yūqadu min syajaratim mubārakatin zaitūnatil lā syarqiyyatiw wa lā garbiyyah(tin), yakādu zaituhā yuḍī'u wa lau lam tamsashu nār(un), nūrun ‘alā nūr(in), yahdillāhu linūrihī may yasyā'(u), wa yaḍribullāhul-amṡāla lin-nās(i), wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[35]
Allah téh (anu méré) cahaya (ka) langit jeung bumi. Babandingan cahaya-Na téh saperti hiji liang (dina témbok) anu teu tembus, 597 anu di jerona aya lampu gedé. Éta lampu aya di jero ruas kaca (jeung) éta ruas kaca téh ibarat béntang (anu kumelip saperti) mutiara, anu dihurungkeun maké minyak tina tangkal anu diberkahan, (nyaéta) tangkal Jaitun anu jadina lain di wétan jeung lain ogé di kulon, 598 anu minyakna (baé) ampir-ampiran nyaangan, sanajan henteu diantelan ku seuneu. Cahaya di luhureun cahaya (manglapis-lapis). Allah maparin pituduh kana cahaya-Na ka jalma anu dikersakeun ku Mantenna. Allah ngadamel babandingan pikeun manusa. Allah Mahauninga kana sagala perkara.
597) Liang nu teu tembus” (misykāt) nyaéta hiji liang dina lebah témbok imah nu teu tembus nepi ka sabeulahna deui, biasana dipaké pikeun tempat nunda lampu atawa barang-barang séjénna.
598) Tangkal Jaitun téh tumuwuhna dina puncak pasir. Éta tangkal téh kasorot ku cahya panonpoé dina waktu meleték panonpoé atawa dina waktu surup panonpoé , nepi ka tangkalna téh subur jeung buahanana ngahasilkeun minyak nu hadé.
فِيْ بُيُوْتٍ اَذِنَ اللّٰهُ اَنْ تُرْفَعَ وَيُذْكَرَ فِيْهَا اسْمُهٗۙ يُسَبِّحُ لَهٗ فِيْهَا بِالْغُدُوِّ وَالْاٰصَالِ ۙ٣٦
Fī buyūtin ażinallāhu an turfa‘a wa yużkara fīhasmuh(ū), yusabbiḥu lahū fīhā bil-guduwwi wal-āṣāl(i).
[36]
(Éta cahaya aya) di imah-imah anu ku Allah diparéntahkeun pikeun dimulyakeun jeung disebut jenengan-Na di jerona. Di dinya ngagungkeun 599 ka Mantenna dina mangsa isuk-isuk jeung pasosoré
599) Nu ngagungkeun téh nyaéta jalma nu disebut dina ayat 37.
رِجَالٌ لَّا تُلْهِيْهِمْ تِجَارَةٌ وَّلَا بَيْعٌ عَنْ ذِكْرِ اللّٰهِ وَاِقَامِ الصَّلٰوةِ وَاِيْتَاۤءِ الزَّكٰوةِ ۙيَخَافُوْنَ يَوْمًا تَتَقَلَّبُ فِيْهِ الْقُلُوْبُ وَالْاَبْصَارُ ۙ٣٧
Rijālul lā tulhīhim tijāratuw wa lā bai‘un ‘an żikrillāhi wa iqāmiṣ-ṣalāti wa ītā'iz-zakāh(ti), yakhāfūna yauman tataqallabu fīhil-qulūbu wal-abṣār(u).
[37]
jalma-jalma anu henteu katungkulkeun ku dagang atawa jual beuli tina éling ka Allah, ngadegkeun salat, jeung nyumponan jakat. Aranjeunna sieun pisan ku hiji poé waktu haté reujeung paningal tagiwur (Poé Kiamat).
لِيَجْزِيَهُمُ اللّٰهُ اَحْسَنَ مَا عَمِلُوْا وَيَزِيْدَهُمْ مِّنْ فَضْلِهٖۗ وَاللّٰهُ يَرْزُقُ مَنْ يَّشَاۤءُ بِغَيْرِ حِسَابٍ٣٨
Liyajziyahumullāhu aḥsana mā ‘amilū wa yazīduhum min faḍlih(ī), wallāhu yarzuqu may yasyā'u bigairi ḥisāb(in).
[38]
(Aranjeunna milampah kitu téh) sangkan Allah maparin wawales anu leuwih hadé tibatan naon anu geus dipilampah ku aranjeunna jeung sangkan Mantenna nambihan kurnia-Na ka aranjeunna. Allah téh maparin rejeki ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna kalayan tanpa wilangan.
وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَعْمَالُهُمْ كَسَرَابٍۢ بِقِيْعَةٍ يَّحْسَبُهُ الظَّمْاٰنُ مَاۤءًۗ حَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءَهٗ لَمْ يَجِدْهُ شَيْـًٔا وَّوَجَدَ اللّٰهَ عِنْدَهٗ فَوَفّٰىهُ حِسَابَهٗ ۗ وَاللّٰهُ سَرِيْعُ الْحِسَابِ ۙ٣٩
Wal-lażīna kafarū a‘māluhum kasarābim biqī‘atiy yaḥsabuhuẓ-ẓam'ānu mā'ā(n), ḥattā iżā jā'ahū lam yajidhu syai'aw wa wajadallāha ‘indahū fa waffāhu ḥisābah(ū), wallāhu sarī‘ul-ḥisāb(i).
[39]
Jalma-jalma kapir mah amal pagawéanana téh lir patamorgana di taneuh anu datar. Jalma-jalma anu hanaang nyangka éta téh cai, nepi ka waktu didatangan mah, maranéhna téh teu manggihan nanaon. (Sabalikna) maranéhna manggih (katetepan) Allah (keur maranéhna) di dinya, teras Mantenna ngayakeun balitungan (amal-amal) kalayan sampurna. Allah mah gancang pisan balitungan-Na. 600
600) alma-jalma kapir, ku sabab amal-amalna teu didadasaran ku iman, moal meunang wawales ti Allah di ahérat, sanajan di dunyana nyangka bakal meunang wawales amalna.
اَوْ كَظُلُمٰتٍ فِيْ بَحْرٍ لُّجِّيٍّ يَّغْشٰىهُ مَوْجٌ مِّنْ فَوْقِهٖ مَوْجٌ مِّنْ فَوْقِهٖ سَحَابٌۗ ظُلُمٰتٌۢ بَعْضُهَا فَوْقَ بَعْضٍۗ اِذَآ اَخْرَجَ يَدَهٗ لَمْ يَكَدْ يَرٰىهَاۗ وَمَنْ لَّمْ يَجْعَلِ اللّٰهُ لَهٗ نُوْرًا فَمَا لَهٗ مِنْ نُّوْرٍ ࣖ٤٠
Au kaẓulumātin fī baḥril lujjiyyiy yagsyāhu maujum min fauqihī maujum min fauqihī saḥāb(un), ẓulumātum ba‘ḍuhā fauqa ba‘ḍ(in), iżā akhraja yadahū lam yakad yarāhā, wa mal lam yaj‘alillāhu lahū nūran famā lahū min nūr(in).
[40]
Atawa, (amal éta jalma-jalma kapir) téh saperti poék mongkléngna di laut anu jero, nu kalimpudan ku ombak, di luhureunana aya ombak (deui), di luhureunana aya méga mendung. Éta téh poék mongkléng anu manglapis-lapis. Lamun manéhna ngaluarkeun leungeunna, manéhna bener-bener moal bisa nénjo éta (leungeunna). Saha baé anu henteu dipaparinan cahaya (pituduh) ku Allah, nya manéhna moal boga cahaya saeutik ogé.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يُسَبِّحُ لَهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَالطَّيْرُ صٰۤفّٰتٍۗ كُلٌّ قَدْ عَلِمَ صَلَاتَهٗ وَتَسْبِيْحَهٗۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌۢ بِمَا يَفْعَلُوْنَ٤١
Alam tara annallāha yusabbiḥu lahū man fis-samāwāti wal-arḍi waṭ-ṭairu ṣāffāt(in), kullun qad ‘alima ṣalātahū wa tasbīḥah(ū), wallāhu ‘alīmum bimā yaf‘alūn(a).
[41]
Naha hidep (Muhammad) teu terang yén saenyana mung ka Allah naon nu aya di langit jeung nu aya di bumi jeung manuk-manuk anu mébér-mébérkeun jangjangna tasbéh (ngamahasucikeun Allah). Masing-masing geus nyahoeun doa jeung tasbéhna. Allah Mahauninga kana naon anu dipigawé ku maranéhna.
وَلِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۚ وَاِلَى اللّٰهِ الْمَصِيْرُ٤٢
Wa lillāhi mulkus-samāwāti wal-arḍ(i), wa ilallāhil-maṣīr(u).
[42]
Mung milik Allah karajaan langit jeung bumi jeung mung ka Allah pangbalikan (sadaya mahluk).
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يُزْجِيْ سَحَابًا ثُمَّ يُؤَلِّفُ بَيْنَهٗ ثُمَّ يَجْعَلُهٗ رُكَامًا فَتَرَى الْوَدْقَ يَخْرُجُ مِنْ خِلٰلِهٖۚ وَيُنَزِّلُ مِنَ السَّمَاۤءِ مِنْ جِبَالٍ فِيْهَا مِنْۢ بَرَدٍ فَيُصِيْبُ بِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَصْرِفُهٗ عَنْ مَّنْ يَّشَاۤءُۗ يَكَادُ سَنَا بَرْقِهٖ يَذْهَبُ بِالْاَبْصَارِ ۗ٤٣
Alam tara annallāha yuzjī saḥāban ṡumma yu'allifu bainahū ṡumma yaj‘aluhū rukāman fa taral-wadqa yakhruju min khilālih(ī), wa yunazzilu minas-samā'i min jibālin fīhā mim baradin fa yuṣību bihī may yasyā'u wa yaṣrifuhū ‘am may yasyā'(u), yakādu sanā barqihī yażhabu bil-abṣār(i).
[43]
Naha hidep henteu niténan yén saleresna Allah ngarahkeun méga lalaunan, teras Mantenna ngempelkeunana, lajeng ngajantenkeunana patumpuk-tumpuk. Nya hidep ningali hujan kaluar tina sela-selana. Mantenna (ogé) anu nurunkeun (guruntulan) és ti langit, (nyaéta) tina (tumpukan méga anu saperti) gunung-gunung. Nya Mantenna ngaragragkeun éta (guruntulan és téh) ka saha baé anu dipikersa ku Mantenna jeung dipéngparkeun ti saha baé anu ku Mantenna dipikersa. Gurilapna éta kilatna téh ampir-ampiran baé ngaleungitkeun paningal.
يُقَلِّبُ اللّٰهُ الَّيْلَ وَالنَّهَارَۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَعِبْرَةً لِّاُولِى الْاَبْصَارِ٤٤
Yuqallibullāhul-laila wan-nahār(a), inna fī żālika la‘ibratal li'ulil-abṣār(i).
[44]
Allah ngajadikeun peuting jeung beurang piligenti. Sabenerna dina éta téh pasti aya atikan pikeun jalma-jalma anu boga paningal anu jero.
وَاللّٰهُ خَلَقَ كُلَّ دَاۤبَّةٍ مِّنْ مَّاۤءٍۚ فَمِنْهُمْ مَّنْ يَّمْشِيْ عَلٰى بَطْنِهٖۚ وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّمْشِيْ عَلٰى رِجْلَيْنِۚ وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّمْشِيْ عَلٰٓى اَرْبَعٍۗ يَخْلُقُ اللّٰهُ مَا يَشَاۤءُۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٤٥
Wallāhu khalaqa kulla dābbatim mim mā'(in), fa minhum may yamsyī ‘alā baṭinih(ī), wa minhum may yamsyī ‘alā rijlain(i), wa minhum may yamsyī ‘alā arba‘(in), yakhluqullāhu mā yasyā'(u), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[45]
Allah nyiptakeun sadaya sasatoan tina cai. Sabagian leumpang ku beuteungna, sabagian leumpang ku dua suku, jeung sabagian (nu séjén) leumpang ku opat suku. Allah nyiptakeun naon-naon anu dikersakeun ku Mantenna. Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.
لَقَدْ اَنْزَلْنَآ اٰيٰتٍ مُّبَيِّنٰتٍۗ وَاللّٰهُ يَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٤٦
Laqad anzalnā āyātim mubayyināt(in), wallāhu yahdī may yasyā'u ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[46]
Sabenerna Kami geus nurunkeun ayat-ayat anu ngajelaskeun. Allah maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna kana jalan anu lempeng.
وَيَقُوْلُوْنَ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَبِالرَّسُوْلِ وَاَطَعْنَا ثُمَّ يَتَوَلّٰى فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَۗ وَمَآ اُولٰۤىِٕكَ بِالْمُؤْمِنِيْنَ٤٧
Wa yaqūlūna āmannā billāhi wa bir-rasūli wa aṭa‘nā ṡumma yatawallā farīqum minhum mim ba‘di żālik(a), wa mā ulā'ika bil-mu'minīn(a).
[47]
Maranéhna (jalma-jalma munapék) nyarita, “Abdi sadaya parantos iman ka Allah sareng ka rasul sarta abdi sadaya taat (ka duanana).” Tuluy sanggeusna kitu sabagian maranéhna ngabalieur. Maranéhna éta téh lain jalma-jalma mu’min.
وَاِذَا دُعُوْٓا اِلَى اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ لِيَحْكُمَ بَيْنَهُمْ اِذَا فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ مُّعْرِضُوْنَ٤٨
Wa iżā du‘ū ilallāhi wa rasūlihī liyaḥkuma bainahum iżā farīqum minhum mu‘riḍūn(a).
[48]
Upama maranéhna diajak ka Allah jeung ka rasul-Na supaya anjeunna (Rasul) mutuskeun perkara di antara maranéhna, dadak sakala sabagian ti antara maranéhna ngabalieur.
وَاِنْ يَّكُنْ لَّهُمُ الْحَقُّ يَأْتُوْٓا اِلَيْهِ مُذْعِنِيْنَ٤٩
Wa iy yakul lahumul-ḥaqqu ya'tū ilaihi muż‘inīn(a).
[49]
Tapi, lamun bebeneran (putusan Rasul) téh nguntungkeun maranéhna, maranéhna datang ka anjeunna (Rasul) kalayan taat.
اَفِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ اَمِ ارْتَابُوْٓا اَمْ يَخَافُوْنَ اَنْ يَّحِيْفَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ وَرَسُوْلُهٗ ۗبَلْ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ ࣖ٥٠
Afī qulūbihim maraḍun amirtābū am yakhāfūna ay yaḥīfallāhu ‘alaihim wa rasūluh(ū), bal ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[50]
Naha (sikep maranéhna anu kitu téh ku lantaran) dina haténa aya panyakit, atawa (lantaran) maranéhna mangmang, atawa (lantaran) sieun bisi Allah jeung Rasul-Na dolim ka maranéhna? Sabalikna, maranéhna éta jalma-jalma anu dolim.
اِنَّمَا كَانَ قَوْلَ الْمُؤْمِنِيْنَ اِذَا دُعُوْٓا اِلَى اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ لِيَحْكُمَ بَيْنَهُمْ اَنْ يَّقُوْلُوْا سَمِعْنَا وَاَطَعْنَاۗ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٥١
Innamā kāna qaulal-mu'minīna iżā du‘ū ilallāhi wa rasūlihī liyaḥkuma bainahum ay yaqūlū sami‘nā wa aṭa‘nā, wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[51]
Sabenerna nu jadi jawaban jalma-jalma mu’min, waktu aranjeunna diajak ka Allah miwah Rasul-Na sangkan mutuskeun (perkara) di antara aranjeunna, 601 ngan wungkul “Abdi sadaya nguping sareng ta’at.” Aranjeunna téh jalma-jalma anu untung.
601) Di antara sasama kaom muslimin, jeung antara kaom muslimin jeung nu lain muslimin.
وَمَنْ يُّطِعِ اللّٰهَ وَرَسُوْلَهٗ وَيَخْشَ اللّٰهَ وَيَتَّقْهِ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفَاۤىِٕزُوْنَ٥٢
Wa may yuṭi‘illāha wa rasūlahū wa yakhsyallāha wa yattaqhi fa ulā'ika humul-fā'izūn(a).
[52]
Saha baé nu ta’at ka Allah miwah Rasul-Na, sarta sieun ku Allah jeung takwa ka Mantenna, aranjeunna jalma-jalma anu meunang kaunggulan.
۞ وَاَقْسَمُوْا بِاللّٰهِ جَهْدَ اَيْمَانِهِمْ لَىِٕنْ اَمَرْتَهُمْ لَيَخْرُجُنَّۗ قُلْ لَّا تُقْسِمُوْاۚ طَاعَةٌ مَّعْرُوْفَةٌ ۗاِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌۢ بِمَا تَعْمَلُوْنَ٥٣
Wa aqsamū billāhi jahda aimānihim la'in amartahum layakhrujunn(a), qul lā tuqsimū, ṭā‘atum ma‘rūfah(tun), innallāha khabīrum bimā ta‘malūn(a).
[53]
Aranjeunna sumpah ku (jenengan) Allah kalayan leres-leres yén upama hidep maréntahkeun (perang), tangtu aranjeunna bakal angkat. Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Aranjeun ulah susumpahan (lantaran nu dipénta) nyaéta kata’atan nu hadé. Saleresna Allah Mahataliti kana naon anu dipilampah ku aranjeun.”
قُلْ اَطِيْعُوا اللّٰهَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَۚ فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّمَا عَلَيْهِ مَا حُمِّلَ وَعَلَيْكُمْ مَّا حُمِّلْتُمْۗ وَاِنْ تُطِيْعُوْهُ تَهْتَدُوْاۗ وَمَا عَلَى الرَّسُوْلِ اِلَّا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ٥٤
Qul aṭī‘ullāha wa aṭī‘ur-rasūl(a), fa in tawallau fa innamā ‘alaihi mā ḥummila wa ‘alaikum mā ḥummiltum, wa in tuṭī‘ūhu tahtadū, wa mā ‘alar rasūli illal-balāgul-mubīn(u).
[54]
Pék béjakeun ku hidep, “Sing ta’at ka Allah jeung sing ta’at ka Rasul.” Upama aranjeun ngabalieur, nya saenyana kawajiban Rasul (Muhammad) mah ngan nu ditibankeun ka anjeunna jeung kawajiban aranjeun mah ngan nu ditibankeun ka aranjeun. Upama ta’at ka anjeunna, tangtu aranjeun meunang pituduh. Kawajiban Rasul mah ngan nyampékeun (risalah Allah) kalayan jelas.
وَعَدَ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مِنْكُمْ وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَيَسْتَخْلِفَنَّهُمْ فِى الْاَرْضِ كَمَا اسْتَخْلَفَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۖ وَلَيُمَكِّنَنَّ لَهُمْ دِيْنَهُمُ الَّذِى ارْتَضٰى لَهُمْ وَلَيُبَدِّلَنَّهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ خَوْفِهِمْ اَمْنًاۗ يَعْبُدُوْنَنِيْ لَا يُشْرِكُوْنَ بِيْ شَيْـًٔاۗ وَمَنْ كَفَرَ بَعْدَ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْفٰسِقُوْنَ٥٥
Wa‘adallāhul-lażīna āmanū minkum wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti layastakhlifannahum fil-arḍi kamastakhlafal-lażīna min qablihim, wa layumakkinanna lahum dīnahumul-lażirtaḍā lahum wa layubaddilannahum mim ba‘di khaufihim amnā(n), ya‘budūnanī lā yusyrikūna bī syai'ā(n), wa man kafara ba‘da żālika fa ulā'ika humul-fāsiqūn(a).
[55]
Allah geus ngajangjikeun ka jalma-jalma nu iman ti antara aranjeun jeung anu milampah kahadéan, yén Mantenna bener-bener bakal ngajadikeun aranjeunna anu ngawasa di bumi, sakumaha Mantenna geus ngajadikeun jalma-jalma saméméh aranjeunna ngawasa. Mantenna leres-leres bakal mengkuhkeun pikeun aranjeunna agama anu dipikarido ku Mantenna; sareng Mantenna leres-leres bakal ngarobah (kaayaan) aranjeunna sanggeusna sieun jadi aman. Aranjeunna nyembah ka Kami bari teu nyarékatkeun ka Kami ku perkara naon baé ogé. Saha baé anu kupur sanggeusna éta (jangji), nya maranéhna jalma-jalma anu pasék.
وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ وَاَطِيْعُوا الرَّسُوْلَ لَعَلَّكُمْ تُرْحَمُوْنَ٥٦
Wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta wa aṭī‘ur-rasūla la‘allakum turḥamūn(a).
[56]
Pék adegkeun salat, kaluarkeun jakat, jeung ta’at ka Rasul (Muhammad) sangkan aranjeun dipaparinan rahmat.
لَا تَحْسَبَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مُعْجِزِيْنَ فِى الْاَرْضِۚ وَمَأْوٰىهُمُ النَّارُۗ وَلَبِئْسَ الْمَصِيْرُ ࣖ٥٧
Lā taḥsabannal-lażīna kafarū mu‘jizīna fil-arḍ(i), wa ma'wāhumun-nār(u), wa labi'sal-maṣīr(u).
[57]
Hidep poma ulah boga sangkaan yén jalma-jalma kapir téh bisa ngahéngkérkeun Allah di bumi (nepi ka bisa leupas tina siksaan-Na). Pangbalikan maranéhna (di ahérat) nyaéta naraka. Éta téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لِيَسْتَأْذِنْكُمُ الَّذِيْنَ مَلَكَتْ اَيْمَانُكُمْ وَالَّذِيْنَ لَمْ يَبْلُغُوا الْحُلُمَ مِنْكُمْ ثَلٰثَ مَرّٰتٍۗ مِنْ قَبْلِ صَلٰوةِ الْفَجْرِ وَحِيْنَ تَضَعُوْنَ ثِيَابَكُمْ مِّنَ الظَّهِيْرَةِ وَمِنْۢ بَعْدِ صَلٰوةِ الْعِشَاۤءِۗ ثَلٰثُ عَوْرٰتٍ لَّكُمْۗ لَيْسَ عَلَيْكُمْ وَلَا عَلَيْهِمْ جُنَاحٌۢ بَعْدَهُنَّۗ طَوَّافُوْنَ عَلَيْكُمْ بَعْضُكُمْ عَلٰى بَعْضٍۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمُ الْاٰيٰتِۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٥٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū liyasta'żinkumul-lażīna malakat aimānukum wal-lażīna lam yablugul-ḥuluma minkum ṡalāṡa marrāt(in), min qabli ṣalātil-fajri wa ḥīna taḍa‘ūna ṡiyābakum minaẓ-ẓahīrati wa mim ba‘di ṣalātil-‘isyā'(i), ṡalāṡu ‘aurātil lakum, laisa ‘alaikum wa lā ‘alaihim junāḥum ba‘dahunn(a), ṭawwāfūna ‘alaikum ba‘ḍukum ‘alā ba‘ḍ(in), każālika yubayyinullāhu lakumul-āyāt(i), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[58]
Hé jalma-jalma anu iman, abid (boh lalaki boh awéwé) anu dipimilik ku aranjeun jeung jalma-jalma anu tacan balég (déwasa) ti antara aranjeun, kudu marénta idin heula ka aranjeun tilu kali, nyaéta saméméh salat Subuh, waktu aranjeun ngalaan pakéan (luar) dina tengah poé, jeung sanggeus salat isya. (Éta téh) tilu (waktu anu biasana) orat (muka) pikeun aranjeun. 602 Teu jadi dosa pikeun aranjeun jeung ka maranéhna (ogé) salian ti (tilu waktu) éta. (Maranéhna) sering larsup ngawulaan aranjeun. Sabagian aranjeun (mémang sering larsup) ka sabagianana deui. Kitu tah Allah ngajelaskeun ayat-ayat ka aranjeun. Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
602) Tilu rupa waktu nu biasana dina waktu-waktu éta awak sering témbong. Ku sabab kitu, Allah nyegah ka budak beulian jeung barudak nu can sawawa ulah nepi ka asup ka kamar saré nu geus sawawa tanpa idin.
وَاِذَا بَلَغَ الْاَطْفَالُ مِنْكُمُ الْحُلُمَ فَلْيَسْتَأْذِنُوْا كَمَا اسْتَأْذَنَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمْ اٰيٰتِهٖۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ٥٩
Wa iżā balagal-aṭfālu minkumul-ḥuluma falyasta'żinū kamasta'żanal-lażīna min qablihim, każālika yubayyinullāhu lakum āyātih(ī),wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[59]
Upama putra-putra ti antara aranjeun geus nepi kana umur déwasa (balég), maranéhna kudu ménta idin saperti jalma-jalma anu (geus déwasa) saméméh maranéhna anu (ogé) ménta idin. 603 Kitu tah Allah ngajelaskeun ayat-ayat ka aranjeun. Allah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
603) Barudak ti jalma merdéka anu lain mahrom nu geus balég, kudu ménta idin heula mun rék asup ka kamar saré kolotna, siga jalma-jalma nu kasebut dina ayat 27 jeung 28 dina ieu surat.
وَالْقَوَاعِدُ مِنَ النِّسَاۤءِ الّٰتِيْ لَا يَرْجُوْنَ نِكَاحًا فَلَيْسَ عَلَيْهِنَّ جُنَاحٌ اَنْ يَّضَعْنَ ثِيَابَهُنَّ غَيْرَ مُتَبَرِّجٰتٍۢ بِزِيْنَةٍۗ وَاَنْ يَّسْتَعْفِفْنَ خَيْرٌ لَّهُنَّۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٦٠
Wal-qawā‘idu minan-nisā'il-lātī lā yarjūna nikāḥan fa laisa ‘alaihinna junāḥun ay yaḍa‘na ṡiyābahunna gaira mutabarrijātim bizīnah(tin), wa ay yasta‘fifna khairul lahunn(a), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[60]
Awéwé-awéwé kolot anu geus eureun (tina héd atawa kakandungan) anu henteu boga kahayang pikeun nikah, taya dosa pikeun maranéhna ngalaan pakéan (luarna) 604 bari taya (maksud) némbongkeun perhiasan. Tapi, ngajaga kahormatan (tetep maké pakéan luar) éta leuwih hadé pikeun maranéhna. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
604) Pakéan luar anu moal némbongkeun orat upama dibuka.
لَيْسَ عَلَى الْاَعْمٰى حَرَجٌ وَّلَا عَلَى الْاَعْرَجِ حَرَجٌ وَّلَا عَلَى الْمَرِيْضِ حَرَجٌ وَّلَا عَلٰٓى اَنْفُسِكُمْ اَنْ تَأْكُلُوْا مِنْۢ بُيُوْتِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اٰبَاۤىِٕكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اُمَّهٰتِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اِخْوَانِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اَخَوٰتِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اَعْمَامِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ عَمّٰتِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ اَخْوَالِكُمْ اَوْ بُيُوْتِ خٰلٰتِكُمْ اَوْ مَا مَلَكْتُمْ مَّفَاتِحَهٗٓ اَوْ صَدِيْقِكُمْۗ لَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ اَنْ تَأْكُلُوْا جَمِيْعًا اَوْ اَشْتَاتًاۗ فَاِذَا دَخَلْتُمْ بُيُوْتًا فَسَلِّمُوْا عَلٰٓى اَنْفُسِكُمْ تَحِيَّةً مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ مُبٰرَكَةً طَيِّبَةً ۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ ࣖ٦١
Laisa ‘alal-a‘mā ḥarajuw wa lā ‘alal-a‘raji ḥarajuw wa lā ‘alal-marīḍi ḥarajuw wa lā ‘alā anfusikum an ta'kulū mim buyūtikum au buyūti ābā'ikum au buyūti ummahātikum au buyūti ikhwānikum au buyūti akhawātikum au buyūti a‘māmikum au buyūti ‘ammātikum au buyūti akhwālikum au buyūti khālātikum au mā malaktum mafātiḥahū au ṣadīqikum, laisa ‘alaikum junāḥun an ta'kulū jamī‘an au asytātā(n), fa iżā dakhaltum buyūtan fa sallimū ‘alā anfusikum taḥiyyatam min ‘indillāhi mubārakatan ṭayyibah(tan), każālika yubayyinullāhu lakumul-āyāti la‘allakum ta‘qilūn(a).
[61]
Taya halangan pikeun jalma lolong, jalma réngkod, jalma gering, jeung pikeun diri aranjeun dalahar di imah dulur-dulur aranjeun nu lalaki, di imah dulur-dulur aranjeun nu awéwé, di imah dulur-dulur bapa aranjeun nu lalaki, di imah dulur-dulur bapa aranjeun nu awéwé, di imah dulur-dulur indung aranjeun nu lalaki, di imah-imah dulur indung aranjeun nu awéwé, (di imah) anu aranjeun boga koncina, 605 atawa (di imah) sobat-sobat aranjeun. Taya halangan pikeun aranjeun rék dahar babarengan atawa séwang-séwangan. Di mana aranjeun rék asup ka éta imah, pék uluk salam (ka nu nyicinganana, anu ngandung harti uluk salam) ka diri aranjeun sorangan kalayan salam nu pinuh ku kaberkahan jeung hadé mungguhing Allah. Tah kitu Allah ngajelaskeun ka aranjeun ayat-ayat(-Na) sangkan aranjeun ngagunakeun akal.
605) Imah nu dipasrahkeun ka anjeun pikeun ngurusna.
اِنَّمَا الْمُؤْمِنُوْنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَاِذَا كَانُوْا مَعَهٗ عَلٰٓى اَمْرٍ جَامِعٍ لَّمْ يَذْهَبُوْا حَتّٰى يَسْتَأْذِنُوْهُۗ اِنَّ الَّذِيْنَ يَسْتَأْذِنُوْنَكَ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖۚ فَاِذَا اسْتَأْذَنُوْكَ لِبَعْضِ شَأْنِهِمْ فَأْذَنْ لِّمَنْ شِئْتَ مِنْهُمْ وَاسْتَغْفِرْ لَهُمُ اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٦٢
Innamal-mu'minūnal-lażīna āmanū billāhi wa rasūlihī wa iżā kānū ma‘ahū ‘alā amrin jāmi‘il lam yażhabū ḥattā yasta'żinūh(u), innal-lażīna yasta'żinūnaka ulā'ikal-lażīna yu'minūna billāhi wa rasūlih(ī), fa iżasta'żanūka liba‘ḍi sya'nihim fa'żal liman syi'ta minhum wastagfir lahumullāh(a), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[62]
(Anu disebut) jalma-jalma anu (bener-bener) mu’min téh nyaéta jalma-jalma anu iman ka Allah sareng ka Rasul-Na (Muhammad), jeung upama aranjeunna aya babarengan sareng anjeunna (Muhammad) dina hiji perkara, aranjeunna tara ninggalkeun (Rasulullah) saméméh ménta idin ka anjeunna. Sabenerna jalma-jalma anu ménta idin ka hidep (Muhammad), aranjeunna téh jalma-jalma anu (bener-bener) iman ka Allah sareng ka Rasul-Na. Mangka, upama aranjeunna ménta idin ka hidep lantaran aya kaperluan, pék baé idinan ka saha baé anu ku hidep dipikersa ti antara aranjeunna, jeung pangnyuhunkeun Pangampura ka Allah keur aranjeunna. Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
لَا تَجْعَلُوْا دُعَاۤءَ الرَّسُوْلِ بَيْنَكُمْ كَدُعَاۤءِ بَعْضِكُمْ بَعْضًاۗ قَدْ يَعْلَمُ اللّٰهُ الَّذِيْنَ يَتَسَلَّلُوْنَ مِنْكُمْ لِوَاذًاۚ فَلْيَحْذَرِ الَّذِيْنَ يُخَالِفُوْنَ عَنْ اَمْرِهٖٓ اَنْ تُصِيْبَهُمْ فِتْنَةٌ اَوْ يُصِيْبَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٦٣
Lā taj‘alū du‘ā'ar-rasūli bainakum kadu‘ā'i ba‘ḍikum ba‘ḍā(n), qad ya'lamullāhul-lażīna yatasallalūna minkum liwāżā(n), falyaḥżaril-lażīna yukhālifūna ‘an amrihī an tuṣībahum fitnatun au yuṣībahum ‘ażābun alīm(un).
[63]
Aranjeun ulah ngajadikeun sasauran ka Rasul (Muhammad) ti antara aranjeun saperti sabagian aranjeun ngageroan ka sabagian (nu séjén). Saleresna Allah uninga ka jalma-jalma anu kaluar (bari) susulumputan ti antara aranjeun kalayan nyalindung (ka baturna). Nya, jalma-jalma anu nyulayaan paréntah Rasul-Na sing sieun kana bakal meunang cobaan atawa ditibanan siksa anu pikanyerieun.
اَلَآ اِنَّ لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ قَدْ يَعْلَمُ مَآ اَنْتُمْ عَلَيْهِۗ وَيَوْمَ يُرْجَعُوْنَ اِلَيْهِ فَيُنَبِّئُهُمْ بِمَا عَمِلُوْاۗ وَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ࣖ٦٤
Alā inna lillāhi mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), qad ya‘lamu mā antum ‘alaih(i), wa yauma yurja‘ūna ilaihi fa yunabbi'uhum bimā ‘amilū, wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[64]
Kanyahokeun, (yén) sabenerna mung kagungan Allah naon nu aya di langit jeung nu aya bumi. Mantenna bener-bener uninga kana kaayaan aranjeun ayeuna jeung (bener-bener uninga ogé) kana poé (waktu maranéhna) dipulangkeun ka Mantenna, lajeng Mantenna ngajelaskeun naon anu dipilampah ku aranjeunna. Allah Mahauninga kana sagala perkara.