Surah Al-Mu’minun

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ ۙ١
Qad aflaḥal-mu'minūn(a).
[1] Tétéla untung jalma-jalma mu’min téh,

الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلَاتِهِمْ خٰشِعُوْنَ٢
Allażīna hum fī ṣalātihim khāsyi‘ūn(a).
[2] (nyaéta) jalma-jalma anu husu’ dina salatna,

وَالَّذِيْنَ هُمْ عَنِ اللَّغْوِ مُعْرِضُوْنَ ۙ٣
Wal-lażīna hum ‘anil-lagwi mu‘riḍūn(a).
[3] jalma-jalma anu ninggalkeun (laku lampah jeung caritaan) anu teu guna,

وَالَّذِيْنَ هُمْ لِلزَّكٰوةِ فٰعِلُوْنَ ۙ٤
Wal-lażīna hum liz-zakāti fā‘ilūn(a).
[4] jalma-jalma anu nyumponan jakat,

وَالَّذِيْنَ هُمْ لِفُرُوْجِهِمْ حٰفِظُوْنَ ۙ٥
Wal-lażīna hum lifurūjihim ḥāfiẓūn(a).
[5] jeung jalma-jalma anu ngajaga bobogaanana,

اِلَّا عَلٰٓى اَزْوَاجِهِمْ اَوْ مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُمْ فَاِنَّهُمْ غَيْرُ مَلُوْمِيْنَۚ٦
Illā ‘alā azwājihim au mā malakat aimānuhum fa innahum gairu malūmīn(a).
[6] kajaba ka istri-istrina atawa ka budak beulian anu dipimilikna. 584 Sabenerna aranjeunna henteu hina (ku sabab campur jeung maranéhna).
584) Budak beulian (abid) hasil tina pangperangan ngalawan jalma kapir, lain nu dihasilkeun di luar perang agama. Ayeuna mah budak beulian téh geus teu aya.

فَمَنِ ابْتَغٰى وَرَاۤءَ ذٰلِكَ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْعَادُوْنَ ۚ٧
Famanibtagā warā'a żālika fa ulā'ika humul-‘ādūn(a).
[7] Mangka, saha-saha anu néangan (pikeun nedunan syahwatna) sajaba ti éta, nya maranéhna téh jalma-jalma anu ngaliwatan wates.

وَالَّذِيْنَ هُمْ لِاَمٰنٰتِهِمْ وَعَهْدِهِمْ رَاعُوْنَ ۙ٨
Wal-lażīna hum li'amānātihim wa ‘ahdihim rā‘ūn(a).
[8] (Tétéla untung ogé) jalma-jalma anu ngajaga amanat-amanat jeung jangji-jangjina téh

وَالَّذِيْنَ هُمْ عَلٰى صَلَوٰتِهِمْ يُحَافِظُوْنَ ۘ٩
Wal-lażīna hum ‘alā ṣalawātihim yuḥāfiẓūn(a).
[9] jeung jalma-jalma anu ngajaga salatna.

اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْوٰرِثُوْنَ ۙ١٠
Ulā'ika humul-wāriṡūn(a).
[10] Nya aranjeunna téh anu bakal narima waris,

الَّذِيْنَ يَرِثُوْنَ الْفِرْدَوْسَۗ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ١١
Allażīna yariṡūnal-firdaus(a), hum fīhā khālidūn(a).
[11] (nyaéta) jalma-jalma anu bakal narima waris (sawarga) Pirdaus. Aranjeunna langgeng di dinya.

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْاِنْسَانَ مِنْ سُلٰلَةٍ مِّنْ طِيْنٍ ۚ١٢
Wa laqad khalaqnal-insāna min sulālatim min ṭīn(in).
[12] Tétéla Kami geus nyiptakeun manusa tina sari pati (anu asalna) tina taneuh.

ثُمَّ جَعَلْنٰهُ نُطْفَةً فِيْ قَرَارٍ مَّكِيْنٍ ۖ١٣
Ṡumma ja‘alnāhu nuṭfatan fī qarārim makīn(in).
[13] Tuluy Kami ngajadikeun éta sari pati téh cai mani dina tempat anu kuat (rahim).

ثُمَّ خَلَقْنَا النُّطْفَةَ عَلَقَةً فَخَلَقْنَا الْعَلَقَةَ مُضْغَةً فَخَلَقْنَا الْمُضْغَةَ عِظٰمًا فَكَسَوْنَا الْعِظٰمَ لَحْمًا ثُمَّ اَنْشَأْنٰهُ خَلْقًا اٰخَرَۗ فَتَبَارَكَ اللّٰهُ اَحْسَنُ الْخٰلِقِيْنَۗ١٤
Ṡumma khalaqnan-nuṭfata ‘alaqatan fa khalaqnal-‘alaqata muḍgatan fa khalaqnal-muḍgata ‘iẓāman fa kasaunal-‘iẓāma laḥmā(n), ṡumma ansya'nāhu khalqan ākhar(a), fa tabārakallāhu aḥsanul-khāliqīn(a).
[14] Tuluy éta cai mani téh ku Kami dijadikeun perkara nu ngagantung (getih), tuluy éta getih ku Kami dijadikeun sakeupeul daging. Tuluy éta sakeupeul daging téh ku Kami dijadikeun tulang. Tuluy éta tulang téh ku Kami dibungkus ku daging. Tuluy Kami ngajadikeunana mahluk nu (bentukna) séjén. Mahasuci Allah Pangsaé-saéna anu nyiptakeun.

ثُمَّ اِنَّكُمْ بَعْدَ ذٰلِكَ لَمَيِّتُوْنَ ۗ١٥
Ṡumma innakum ba‘da żālika lamayyitūn(a).
[15] Tuluy sabenerna maranéh sanggeus éta téh bener-bener bakal maot.

ثُمَّ اِنَّكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ تُبْعَثُوْنَ١٦
Ṡumma innakum yaumal-qiyāmati tub‘aṡūn(a).
[16] Tuluy sabenerna maranéh téh dina Poé Kiamat bakal dihudangkeun.

وَلَقَدْ خَلَقْنَا فَوْقَكُمْ سَبْعَ طَرَاۤىِٕقَۖ وَمَا كُنَّا عَنِ الْخَلْقِ غٰفِلِيْنَ١٧
Wa laqad khalaqnā fauqakum sab‘a ṭarā'iq(a), wa mā kunnā ‘anil-khalqi gāfilīn(a).
[17] Tétéla Kami geus nyiptakeun tujuh langit di luhureun maranéh jeung Kami henteu lalawora dina ciptaan (Kami).

وَاَنْزَلْنَا مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۢ بِقَدَرٍ فَاَسْكَنّٰهُ فِى الْاَرْضِۖ وَاِنَّا عَلٰى ذَهَابٍۢ بِهٖ لَقٰدِرُوْنَ ۚ١٨
Wa anzalnā minas-samā'i mā'am biqadarin fa askannāhu fil-arḍ(i), wa innā ‘alā żahābim bihī laqādirūn(a).
[18] Kami nurunkeun cai ti langit kalayan takeran. Tuluy Kami ngajadikeun éta cai téh netep di jero bumi. Sabenerna Kami Mahakawasa ngaleungitkeunana.

فَاَنْشَأْنَا لَكُمْ بِهٖ جَنّٰتٍ مِّنْ نَّخِيْلٍ وَّاَعْنَابٍۘ لَكُمْ فِيْهَا فَوَاكِهُ كَثِيْرَةٌ وَّمِنْهَا تَأْكُلُوْنَ ۙ١٩
Fa ansya'nā lakum bihī jannātim min nakhīliw wa a‘nāb(in), lakum fīhā fawākihu kaṡīratuw wa minhā ta'kulūn(a).
[19] Tuluy ku éta (cai) téh, Kami numuwuhkeun pikeun anjeun kebon-kebon korma jeung anggur. Di dinya anjeun meunang bubuahanana nu loba jeung tina sawaréhna anjeun barang dahar.

وَشَجَرَةً تَخْرُجُ مِنْ طُوْرِ سَيْنَاۤءَ تَنْۢبُتُ بِالدُّهْنِ وَصِبْغٍ لِّلْاٰكِلِيْنَ٢٠
Wa syajaratan takhruju min ṭūri sainā'a tambutu bid-duhni wa ṣibgil lil-ākilīn(a).
[20] (Kami numuwuhkeun) tangkal (Jaitun) anu tumuwuh di Gunung Sina, anu ngahasilkeun minyak jeung lauk-pauk anu nambah ponyo pikeun jalma-jalma anu dalahar.

وَاِنَّ لَكُمْ فِى الْاَنْعَامِ لَعِبْرَةًۗ نُسْقِيْكُمْ مِّمَّا فِيْ بُطُوْنِهَا وَلَكُمْ فِيْهَا مَنَافِعُ كَثِيْرَةٌ وَّمِنْهَا تَأْكُلُوْنَ ۙ٢١
Wa inna lakum fil-an‘āmi la‘ibrah(tan), nusqīkum mimmā fī buṭūnihā wa lakum fīhā manāfi‘u kaṡīratuw wa minhā ta'kulūn(a).
[21] Sabenerna dina sato ingon-ingon téh bener-bener aya atikan pikeun aranjeun. Kami méré nginum ka aranjeun tina sawaréh nu aya di jero beuteungna (cai susu). Dina éta téh aya mangpa’at nu loba pikeun aranjeun, jeung sawaréh tina éta téh ku aranjeun didalahar.

وَعَلَيْهَا وَعَلَى الْفُلْكِ تُحْمَلُوْنَ ࣖ٢٢
Wa ‘alaihā wa ‘alal-fulki tuḥmalūn(a).
[22] Dina luhureunana (sato ingon-ingon) jeung dina luhur parahu-parahu, aranjeun diakut.

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا نُوْحًا اِلٰى قَوْمِهٖ فَقَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ اَفَلَا تَتَّقُوْنَ٢٣
Wa laqad arsalnā nūḥan ilā qaumihī fa qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), afalā tattaqūn(a).
[23] Sabenerna Kami geus ngutus Nuh ka kaomna. Tuluy anjeunna nyarios, “Hé kaom kuring, pék sembah Allah. Taya deui Pangéran (anu hak disembah) pikeun maranéh salian ti Mantenna. Naha maranéh téh henteu takwa?”

فَقَالَ الْمَلَؤُا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖ مَا هٰذَآ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُكُمْۙ يُرِيْدُ اَنْ يَّتَفَضَّلَ عَلَيْكُمْۗ وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَاَنْزَلَ مَلٰۤىِٕكَةً ۖمَّا سَمِعْنَا بِهٰذَا فِيْٓ اٰبَاۤىِٕنَا الْاَوَّلِيْنَ ۚ٢٤
Fa qālal-mala'ul-lażīna kafarū min qaumihī mā hāżā illā basyarum miṡlukum, yurīdu ay yatafaḍḍala ‘alaikum, wa lau syā'allāhu la'anzala malā'ikah(tan), mā sami‘nā bihāżā fī ābā'inal-awwalīn(a).
[24] Mangka, gegedén-gegedén jalma anu kupur ti kaomna nyarita, “Jalma ieu mah ngan saukur manusa biasa baé saperti maranéh, anu boga maksud ngungkulan maranéh. Lamun ngersakeun mah, tingangtu Mantenna ngutus sababaraha malaikat. Urang saréréa can kungsi ngadéngé pangajak sarupa kieu ti karuhun-karuhun urang baheula.

اِنْ هُوَ اِلَّا رَجُلٌۢ بِهٖ جِنَّةٌ فَتَرَبَّصُوْا بِهٖ حَتّٰى حِيْنٍ٢٥
In huwa illā rajulum bihī jinnatun fa tarabbaṣū bihī ḥattā ḥīn(in).
[25] Manéhna téh ngan wungkul jalma gélo. Pék baé daragoan nepi ka mangsa anu ditangtukeun!”

قَالَ رَبِّ انْصُرْنِيْ بِمَا كَذَّبُوْنِ٢٦
Qāla rabbinṣurnī bimā każżabūn(i).
[26] Anjeunna (Nuh) ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti nulungan abdi, margi maranéhna parantos ngabohongkeun abdi.”

فَاَوْحَيْنَآ اِلَيْهِ اَنِ اصْنَعِ الْفُلْكَ بِاَعْيُنِنَا وَوَحْيِنَا فَاِذَا جَاۤءَ اَمْرُنَا وَفَارَ التَّنُّوْرُۙ فَاسْلُكْ فِيْهَا مِنْ كُلٍّ زَوْجَيْنِ اثْنَيْنِ وَاَهْلَكَ اِلَّا مَنْ سَبَقَ عَلَيْهِ الْقَوْلُ مِنْهُمْۚ وَلَا تُخَاطِبْنِيْ فِى الَّذِيْنَ ظَلَمُوْاۚ اِنَّهُمْ مُّغْرَقُوْنَ٢٧
Fa auḥainā ilaihi aniṣna‘il-fulka bi'a‘yuninā wa waḥyinā fa iżā jā'a amrunā wafārat-tannūr(u), fasluk fīhā min kullin zaujainiṡnaini wa ahlaka illā man sabaqa ‘alaihil-qaulu minhum, wa lā tukhāṭibnī fil-lażīna ẓalamū, innahum mugraqūn(a).
[27] Kami ngawahyukeun ka anjeunna, “Pék geura nyieun parahu kalayan panalingaan jeung pituduh Kami. Waktu geus datang paréntah (siksa) Kami jeung hawu (dapur) geus ngaluarkeun cai, asupkeun ka jero (éta parahu) sajodo-sajodo jeung kulawarga hidep, kajaba jalma anu saméméhna geus ditetepkeun (bakal ditibanan siksaan) ti antara maranéhna. Poma hidep ulah nyaritakeun ka Kami ngeunaan jalma-jalma anu dolim. Sabenerna maranéhna mah bakal diteuleumkeun.”

فَاِذَا اسْتَوَيْتَ اَنْتَ وَمَنْ مَّعَكَ عَلَى الْفُلْكِ فَقُلِ الْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ نَجّٰىنَا مِنَ الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٢٨
Fa iżastawaita anta wa mam ma‘aka ‘alal-fulki fa qulil-ḥamdu lillāhil-lażī najjānā minal-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[28] Waktu hidep jeung jalma-jalma anu marengan hidep geus aya dina luhur parahu, pék ucapkeun, “Sadaya puji kagungan Allah anu parantos nyalametkeun abdi sadaya ti jalma-jalma anu dolim.”

وَقُلْ رَّبِّ اَنْزِلْنِيْ مُنْزَلًا مُّبٰرَكًا وَّاَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ٢٩
Wa qur rabbi anzilnī munzalam mubārakaw wa anta khairul-munzilīn(a).
[29] Pék hidep ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti nempatkeun abdi dina tempat anu diberkahan sareng Gusti mah pangsaé-saéna anu maparin tempat.”

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ وَّاِنْ كُنَّا لَمُبْتَلِيْنَ٣٠
Inna fī żālika la'āyātiw wa in kunnā lamubtalīn(a).
[30] Sabenerna dina éta (kajadian) téh bener-bener aya tanda-tanda (kaagungan Allah). Sabenerna Kami bener-bener nibankeun cobaan (ka éta kaom Nuh).

ثُمَّ اَنْشَأْنَا مِنْۢ بَعْدِهِمْ قَرْنًا اٰخَرِيْنَ ۚ٣١
Ṡumma ansya'nā mim ba‘dihim qarnan ākharīn(a).
[31] Tuluy Kami nyiptakeun sanggeus maranéhna, umat anu séjén (kaom ‘Ad).

فَاَرْسَلْنَا فِيْهِمْ رَسُوْلًا مِّنْهُمْ اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗۗ اَفَلَا تَتَّقُوْنَ ࣖ٣٢
Fa arsalnā fīhim rasūlam minhum ani‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), afalā tattaqūn(a).
[32] Tuluy Kami ngutus ka maranéhna saurang rasul (Hud) ti (golongan) maranéhna sorangan. (Anjeunna nyarios), “Pék geura nyembah ka Allah. Taya deui Pangéran (nu hak disembah) keur aranjeun anging Mantenna. Naha atuh aranjeun henteu takwa?”

وَقَالَ الْمَلَاُ مِنْ قَوْمِهِ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِلِقَاۤءِ الْاٰخِرَةِ وَاَتْرَفْنٰهُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۙ مَا هٰذَآ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُكُمْۙ يَأْكُلُ مِمَّا تَأْكُلُوْنَ مِنْهُ وَيَشْرَبُ مِمَّا تَشْرَبُوْنَ٣٣
Wa qālal-mala'u min qaumihil-lażīna kafarū wa każżabū biliqā'il-ākhirati wa atrafnāhum fil-ḥayātid-dun-yā, mā hāżā illā basyarum miṡlukum, ya'kulu mimmā ta'kulūna minhu wa yasyrabu mimmā tasyrabūn(a).
[33] Gegedén-gegedén kaomna anu kupur jeung ngabohongkeun kana poé patepung di ahérat jeung maranéhna anu ku Kami geus diberé kaméwahan jeung kasenangan dina kahirupan dunya nyarita, “(Jalma) ieu mah taya lian ngan ukur manusa saperti maranéh. Manéhna sok dahar naon anu sok didahar ku maranéh jeung nginum naon anu sok diinum ku maranéh.

وَلَىِٕنْ اَطَعْتُمْ بَشَرًا مِّثْلَكُمْ اِنَّكُمْ اِذًا لَّخٰسِرُوْنَ ۙ٣٤
Wa la'in aṭa‘tum basyaram miṡlakum innakum iżal lakhāsirūn(a).
[34] Sabenerna lamun maranéh taat ka manusa anu saperti maranéh, saenyana maranéh bener-bener bakal rugi.

اَيَعِدُكُمْ اَنَّكُمْ اِذَا مِتُّمْ وَكُنْتُمْ تُرَابًا وَّعِظَامًا اَنَّكُمْ مُّخْرَجُوْنَ ۖ٣٥
Aya‘idukum annakum iżā mittum wa kuntum turābaw wa ‘iẓāman annakum mukhrajūn(a).
[35] Naha manéhna téh ngajangjikeun ka maranéh yén lamun maranéh geus maot sarta jadi taneuh jeung tulang, maranéh téh bener-bener bakal dikaluarkeun (tina kuburan)?

۞ هَيْهَاتَ هَيْهَاتَ لِمَا تُوْعَدُوْنَ ۖ٣٦
Haihāta haihāta limā tū‘adūn(a).
[36] Jauh, jauh pisan naon anu diancamkeun ka maranéh téh (tina bebeneran).

اِنْ هِيَ اِلَّا حَيَاتُنَا الدُّنْيَا نَمُوْتُ وَنَحْيَا وَمَا نَحْنُ بِمَبْعُوْثِيْنَ ۖ٣٧
In hiya illā ḥayātunad-dun-yā namūtu wa naḥyā wa mā naḥnu bimab‘ūṡīn(a).
[37] Éta (kahirupan) téh taya lian kajaba ngan ukur di alam dunya ieu. (Di dinya) urang maot, hirup, 585 jeung moal pisan ngalaman dihudangkeun (deui).
585) Sawaréh manusa maot jeung sawaréh deui mah dilahirkeun.

اِنْ هُوَ اِلَّا رَجُلُ ِۨافْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا وَّمَا نَحْنُ لَهٗ بِمُؤْمِنِيْنَ٣٨
In huwa illā rajuluniftarā ‘alallāhi każibaw wa mā naḥnu lahū bimu'minīn(a).
[38] Manéhna (Hud) mah taya lian ngan ukur hiji lalaki anu jijieunan kabohongan ka Allah jeung urang saréréa moal rék percaya ka manéhna.”

قَالَ رَبِّ انْصُرْنِيْ بِمَا كَذَّبُوْنِ٣٩
Qāla rabbinṣurnī bimā każżabūn(i).
[39] Anjeunna (Hud) ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti nulungan abdi, margi maranéhna parantos ngabohongkeun abdi.”

قَالَ عَمَّا قَلِيْلٍ لَّيُصْبِحُنَّ نٰدِمِيْنَ ۚ٤٠
Qāla ‘ammā qalīlil layuṣbiḥunna nādimīn(a).
[40] Mantenna (Allah) ngadawuh, “Sakeudeung deui ogé maranéhna téh bener-bener bakal kaduhung.”

فَاَخَذَتْهُمُ الصَّيْحَةُ بِالْحَقِّ فَجَعَلْنٰهُمْ غُثَاۤءًۚ فَبُعْدًا لِّلْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٤١
Fa akhażathumuṣ-ṣaiḥatu bil-ḥaqqi fa ja'alahum guṡā'ā(n), fa bu‘dal lil-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[41] Tuluy maranéhna dimusnahkeun ku sora anu ngageleger kalayan sabener-benerna jeung Kami ngajadikeun maranéhna (lir) runtah nu kabawa caah. 586 Mangka, kabinasaan pikeun kaom anu dolim.
586) Tah éta ku sakitu goréngna panganggeusan maranéhna téh, tug nepikeun maranéhna teu walakaya saeutik ogé, teu béda lir runtah nu kabawa caah, sanajan maranéhna téh dedeg pangadegna sakitu jangkung badagna.

ثُمَّ اَنْشَأْنَا مِنْۢ بَعْدِهِمْ قُرُوْنًا اٰخَرِيْنَ ۗ٤٢
Ṡumma ansya'nā mim ba‘dihim qurūnan ākharīn(a).
[42] Tuluy Kami nyiptakeun sanggeus maranéhna umat-umat anu séjén.

مَا تَسْبِقُ مِنْ اُمَّةٍ اَجَلَهَا وَمَا يَسْتَأْخِرُوْنَ ۗ٤٣
Mā tasbiqu min ummatin ajalahā wa mā yasta'khirūn(a).
[43] Taya hiji umat ogé anu bisa ngagancangkeun ajalna jeung henteu (ogé) bisa ngamundurkeunana.

ثُمَّ اَرْسَلْنَا رُسُلَنَا تَتْرَاۗ كُلَّمَا جَاۤءَ اُمَّةً رَّسُوْلُهَا كَذَّبُوْهُ فَاَتْبَعْنَا بَعْضَهُمْ بَعْضًا وَّجَعَلْنٰهُمْ اَحَادِيْثَۚ فَبُعْدًا لِّقَوْمٍ لَّا يُؤْمِنُوْنَ٤٤
Ṡumma arsalnā rusulanā tatrā, kullamā jā'a ummatar rasūluhā każżabūhu fa atba‘nā ba‘ḍahum ba‘ḍaw wa ja‘alnāhum aḥādīṡ(a), fa bu‘dal liqaumil lā yu'minūn(a).
[44] Tuluy Kami ngutus rasul-rasul Kami kalayan noron. Saban-saban saurang rasul sumping ka hiji umat, maranéhna ngabohongkeunana. Mangka, Kami tuturkeun (kabinasaan) sabagian ti maranéhna ku sabagianana deui. Kami (ogé) ngajadikeun maranéhna bahan carita. Nya kabinasaan pikeun kaom anu henteu iman.

ثُمَّ اَرْسَلْنَا مُوْسٰى وَاَخَاهُ هٰرُوْنَ ەۙ بِاٰيٰتِنَا وَسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍۙ٤٥
Ṡumma arsalnā mūsā wa akhāhu hārūn(a), bi'āyātinā wa sulṭānim mubīn(in).
[45] Tuluy Kami ngutus Musa jeung dulurna, Harun, bari mawa tanda-tanda (kaagungan) Kami jeung bukti anu nyata 587
587) Mujijat Nabi Musa a.s. nu salapan rupa.

اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖ فَاسْتَكْبَرُوْا وَكَانُوْا قَوْمًا عَالِيْنَ ۚ٤٦
Ilā fir‘auna wa mala'ihī fastakbarū wa kānū qauman ‘ālīn(a).
[46] ka Fir’aun jeung gegedén-gegedén kaomna. Tapi, maranéhna takabur jeung ti baheula maranéhna téh kaom anu sombong.

فَقَالُوْٓا اَنُؤْمِنُ لِبَشَرَيْنِ مِثْلِنَا وَقَوْمُهُمَا لَنَا عٰبِدُوْنَ ۚ٤٧
Fa qālū anu'minu libasyaraini miṡlinā wa qaumuhumā lanā ‘ābidūn(a).
[47] Maranéhna nyarita, “Naha (pantes) urang rék percaya ka dua manusa nu siga urang, padahal kaom maranéhna (Bani Israél) téh jalma-jalma anu kumawula ka urang?”

فَكَذَّبُوْهُمَا فَكَانُوْا مِنَ الْمُهْلَكِيْنَ٤٨
Fa każżabūhumā fa kānū minal-muhlakīn(a).
[48] Mangka, maranéhna ngabohongkeun ka duaanana. Ku sabab kitu, maranéhna dibinasakeun.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ لَعَلَّهُمْ يَهْتَدُوْنَ٤٩
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba la‘allahum yahtadūn(a).
[49] Sabenerna Kami bener-bener geus maparin Kitab (Torét) ka Musa sangkan maranéhna (Bani Israél) meunang pituduh.

وَجَعَلْنَا ابْنَ مَرْيَمَ وَاُمَّهٗٓ اٰيَةً وَّاٰوَيْنٰهُمَآ اِلٰى رَبْوَةٍ ذَاتِ قَرَارٍ وَّمَعِيْنٍ ࣖ٥٠
Wa ja‘alnabna maryama wa ummahū āyataw wa āwaināhumā ilā rabwatin żāti qarāriw wa ma‘īn(in).
[50] Kami ngajadikeun (Isa) putra Maryam sareng ibuna minangka jadi tanda (kaagungan Kami). Kami nangtayungan aranjeunna di hiji tempat anu luhur jeung tengtrem pikeun dicicingan kalayan cur-cor caina.

يٰٓاَيُّهَا الرُّسُلُ كُلُوْا مِنَ الطَّيِّبٰتِ وَاعْمَلُوْا صَالِحًاۗ اِنِّيْ بِمَا تَعْمَلُوْنَ عَلِيْمٌ ۗ٥١
Yā ayyuhar-rusulu kulū minaṭ-ṭayyibāti wa‘malū ṣāliḥā(n), innī bimā ta‘malūna ‘alīm(un).
[51] Allah ngadawuh, “Hé rasul-rasul, pék geura dahar tina (kadaharan) anu hadé jeung geura pilampah kahadéan! Sabenerna Kami Mahauninga kana naon anu ku aranjeun dipilampah.

وَاِنَّ هٰذِهٖٓ اُمَّتُكُمْ اُمَّةً وَّاحِدَةً وَّاَنَا۠ رَبُّكُمْ فَاتَّقُوْنِ٥٢
Wa inna hāżihī ummatukum ummataw wāḥidataw wa ana rabbukum fattaqūn(i).
[52] Sabenerna (agama taohid) ieu téh agama aranjeun anu tunggal, jeung Kami Pangéran aranjeun. Mangka, aranjeun kudu takwa ka Kami.”

فَتَقَطَّعُوْٓا اَمْرَهُمْ بَيْنَهُمْ زُبُرًاۗ كُلُّ حِزْبٍۢ بِمَا لَدَيْهِمْ فَرِحُوْنَ٥٣
Fa taqaṭṭa‘ū amrahum bainahum zuburā(n), kullu ḥizbim bimā ladaihim fariḥūn(a).
[53] Tuluy maranéhna (anu nuturkeun para rasul) paburencay tina urusan (agama)-na jadi sababaraha golongan. Saban golongan ngarasa reueus kana naon anu aya di maranéhna.

فَذَرْهُمْ فِيْ غَمْرَتِهِمْ حَتّٰى حِيْنٍ٥٤
Fa żarhum fī gamratihim ḥattā ḥīn(in).
[54] Mangka, antep baé maranéhna dina kasasaranana nepi kana waktu nu ditangtukeun.

اَيَحْسَبُوْنَ اَنَّمَا نُمِدُّهُمْ بِهٖ مِنْ مَّالٍ وَّبَنِيْنَ ۙ٥٥
Ayaḥsabūna annamā numidduhum bihī mim māliw wabanīn(a).
[55] Naha maranéhna téh nyangka yén naon anu ku Kami dipaparinkeun ka maranéhna ku mangrupa harta banda jeung barudak,

نُسَارِعُ لَهُمْ فِى الْخَيْرٰتِۗ بَلْ لَّا يَشْعُرُوْنَ٥٦
Nusāri‘u lahum fil-khairāt(i), bal lā yasy‘urūn(a).
[56] (éta ngandung harti yén) Kami ngagancangkeun maparin kahadéan ka maranéhna? (Lain kitu), ngan baé maranéhna teu sadar.

اِنَّ الَّذِيْنَ هُمْ مِّنْ خَشْيَةِ رَبِّهِمْ مُّشْفِقُوْنَ ۙ٥٧
Innal-lażīna hum min khasy-yati rabbihim musyfiqūn(a).
[57] Sabenerna jalma-jalma anu ati-ati ku sabab sieun (siksaan) Pangéranana,

وَالَّذِيْنَ هُمْ بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ يُؤْمِنُوْنَ ۙ٥٨
Wal-lażīna hum bi'āyāti rabbihim yu'minūn(a).
[58] jalma-jalma anu iman kana tanda-tanda (kakawasaan) Pangéranana,

وَالَّذِيْنَ هُمْ بِرَبِّهِمْ لَا يُشْرِكُوْنَ ۙ٥٩
Wal-lażīna hum birabbihim lā yusyrikūn(a).
[59] jalma-jalma anu teu nyarékatkeun Pangéranana,

وَالَّذِيْنَ يُؤْتُوْنَ مَآ اٰتَوْا وَّقُلُوْبُهُمْ وَجِلَةٌ اَنَّهُمْ اِلٰى رَبِّهِمْ رٰجِعُوْنَ ۙ٦٠
Wal-lażīna yu'tūna mā ātaw wa qulūbuhum wajilatun annahum ilā rabbihim rāji‘ūn(a).
[60] jeung jama-jalma anu milampah (kahadéan) anu dilakukeun bari haténa sieun (lantaran maranéhna terang) yén saenyana maranéhna bakal mulang ka Pangéranana,

اُولٰۤىِٕكَ يُسَارِعُوْنَ فِى الْخَيْرٰتِ وَهُمْ لَهَا سٰبِقُوْنَ٦١
Ulā'ika yusāri‘ūna fil-khairāti wa hum lahā sābiqūn(a).
[61] éta maranéhna téh gagancangan dina (ngalakukeun) kahadéan-kahadéan jeung maranéhna jalma-jalma nu pangheulana ngahontal éta (kahadéan).

وَلَا نُكَلِّفُ نَفْسًا اِلَّا وُسْعَهَاۖ وَلَدَيْنَا كِتٰبٌ يَّنْطِقُ بِالْحَقِّ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ٦٢
Wa lā nukallifu nafsan illā wus‘ahā, wa ladainā kitābuy yanṭiqu bil-ḥaqqi wa hum lā yuẓlamūn(a).
[62] Kami henteu nibanan ka saha baé ogé, kajaba nurutkeun kamampuhanana. Di mungguhing Kami aya hiji catetan anu nétélakeun kalayan sabenerna jeung maranéhna henteu didoliman.

بَلْ قُلُوْبُهُمْ فِيْ غَمْرَةٍ مِّنْ هٰذَا وَلَهُمْ اَعْمَالٌ مِّنْ دُوْنِ ذٰلِكَ هُمْ لَهَا عٰمِلُوْنَ٦٣
Bal qulūbuhum fī gamratim min hāżā wa lahum a‘mālum min dūni żālika hum lahā ‘āmilūn(a).
[63] Tapi, haté maranéhna (jalma-jalma kapir) téh aya dina kasasaran tina ieu (neuleuman Al-Qur’an), jeung ngabogaan pagawéan-pagawéan (goréng) salian ti éta, anu dipilampah tuluy-tuluyan ku maranéhna.

حَتّٰىٓ اِذَآ اَخَذْنَا مُتْرَفِيْهِمْ بِالْعَذَابِ اِذَا هُمْ يَجْـَٔرُوْنَ ۗ٦٤
Ḥattā iżā akhażnā mutrafīhim bil-‘ażābi iżā hum yaj'arūn(a).
[64] Nepi ka waktu Kami nibankeun siksaan ka jalma-jalma anu hirupna méwah ti antara maranéhna, dadaksakala maranéhna téh tingjarerit ménta tulung.

لَا تَجْـَٔرُوا الْيَوْمَۖ اِنَّكُمْ مِّنَّا لَا تُنْصَرُوْنَ٦٥
Lā taj'arul-yaum(a), innakum minnā lā tunṣarūn(a).
[65] Montong tingjarerit marénta tulung dina ieu poé mah! Sabenerna maranéh moal meunang pitulung ti Kami.

قَدْ كَانَتْ اٰيٰتِيْ تُتْلٰى عَلَيْكُمْ فَكُنْتُمْ عَلٰٓى اَعْقَابِكُمْ تَنْكِصُوْنَ ۙ٦٦
Qad kānat āyātī tutlā ‘alaikum fa kuntum ‘alā a‘qābikum tankiṣūn(a).
[66] Sabenerna ayat-ayat Kami (Al-Qur’an) salawasna dibacakeun ka maranéh (jalma-jalma anu doraka), tapi maranéh sok ngabalieur nukangan baé,

مُسْتَكْبِرِيْنَۙ بِهٖ سٰمِرًا تَهْجُرُوْنَ٦٧
Mustakbirīn(a), bihī sāmiran tahjurūn(a).
[67] kalayan nyombongkeun diri jeung nyarita ku caritaan-caritaan anu goréng kana éta (Al-Qur’an) waktu ngariung ti peuting.

اَفَلَمْ يَدَّبَّرُوا الْقَوْلَ اَمْ جَاۤءَهُمْ مَّا لَمْ يَأْتِ اٰبَاۤءَهُمُ الْاَوَّلِيْنَ ۖ٦٨
Afalam yaddabbarul-qaula am jā'ahum mā lam ya'ti ābā'ahumul-awwalīn(a).
[68] Mangka, naha atuh maranéhna henteu ngalenyepan dawuhan (Allah) atawa geus datang ka maranéhna naon-naon anu tacan kungsi datang ka karuhun-karuhunna baheula?

اَمْ لَمْ يَعْرِفُوْا رَسُوْلَهُمْ فَهُمْ لَهٗ مُنْكِرُوْنَ ۖ٦٩
Am lam ya‘rifū rasūlahum fahum lahū munkirūn(a).
[69] Atawa, maranéhna téh henteu wawuheun ka Rasul-Na (Muhammad), ku sabab kitu maranéhna ingkar ka anjeunna?

اَمْ يَقُوْلُوْنَ بِهٖ جِنَّةٌ ۗ بَلْ جَاۤءَهُمْ بِالْحَقِّ وَاَكْثَرُهُمْ لِلْحَقِّ كٰرِهُوْنَ٧٠
Am yaqūlūna bihī jinnah(tun), bal jā'ahum bil-ḥaqqi wa akṡaruhum lil-ḥaqqi kārihūn(a).
[70] Atawa, maranéhna nyarita, “Manéhna (Muhammad) téh gélo.” Padahal mah anjeunna téh geus mawa bebeneran ka maranéhna, ngan baé kalolobaanana mah maranéhna téh ceuceub kana éta bebeneran.

وَلَوِ اتَّبَعَ الْحَقُّ اَهْوَاۤءَهُمْ لَفَسَدَتِ السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُ وَمَنْ فِيْهِنَّۗ بَلْ اَتَيْنٰهُمْ بِذِكْرِهِمْ فَهُمْ عَنْ ذِكْرِهِمْ مُّعْرِضُوْنَ ۗ٧١
Wa lawittaba‘al-ḥaqqu ahwā'ahum lafasadatis-samāwātu wal-arḍu wa man fīhinn(a), bal ataināhum biżikrihim fahum ‘an żikrihim mu‘riḍūn(a).
[71] Lamun mah éta bebeneran téh nuturkeun kana kahayang maranéhna, tangtu langit jeung bumi katut pangeusina binasa. Malahan, Kami geus ngadatangkeun (Al-Qur’an minangka) pépéling ka maranéhna, tapi maranéhna kalah ka ngabalieur tina éta pépéling.

اَمْ تَسْـَٔلُهُمْ خَرْجًا فَخَرَاجُ رَبِّكَ خَيْرٌ ۖوَّهُوَ خَيْرُ الرّٰزِقِيْنَ٧٢
Am tas'aluhum kharjan fa kharāju rabbika khair(un), wa huwa khairur-rāziqīn(a).
[72] Atawa naha hidep (Muhammad) ménta buruh ka maranéhna, sedengkeun buruh ti Pangéran hidep mah leuwih hadé, sabab Mantenna mah pangsaé-saéna nu maparin rejeki?

وَاِنَّكَ لَتَدْعُوْهُمْ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٧٣
Wa innaka latad‘ūhum ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[73] Sabenerna hidep bener-bener ngajak ka maranéhna kana jalan anu lempeng.

وَاِنَّ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ عَنِ الصِّرَاطِ لَنٰكِبُوْنَ٧٤
Wa innal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati ‘aniṣ-ṣirāṭi lanākibūn(a).
[74] Sabenerna jalma-jalma anu teu iman kana ahérat bener-bener geus méngpar jauh tina jalan (anu lempeng).

۞ وَلَوْ رَحِمْنٰهُمْ وَكَشَفْنَا مَا بِهِمْ مِّنْ ضُرٍّ لَّلَجُّوْا فِيْ طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُوْنَ٧٥
Wa lau raḥimnāhum wa kasyafnā mā bihim min ḍurril lalajjū fī ṭugyānihim ya‘mahūn(a).
[75] Lamun téa mah Kami maparin rahmat ka maranéhna jeung Kami ngaleungitkeun kamadorotan 588 anu tumiba ku maranéhna, tangtu maranéhna téh bakal tuluy-tuluyan bingung dina kasasaranana.
588) Kamadorotan mangrupa kalaparan. Kaom musrikin kungsi ngalaman kalaparan, sabab dahareun ti Yaman teu asup ka Mekah, sedengkeun Mekah jeung sabudeureunana aya dina kaayaan paceklik, nepi ka dina mangsa harita maranéhna téh kacida malaratna.

وَلَقَدْ اَخَذْنٰهُمْ بِالْعَذَابِ فَمَا اسْتَكَانُوْا لِرَبِّهِمْ وَمَا يَتَضَرَّعُوْنَ٧٦
Wa laqad akhażnāhum bil-‘ażābi famastakānū lirabbihim wa mā yataḍarra‘ūn(a).
[76] Sabenerna Kami bener-bener nibankeun siksaan ka maranéhna, 589 tapi maranéhna teu daékeun tunduk ka Pangéranana, jeung (ogé) henteu handap asor.
589) Di antarana maranéhna éléh dina waktu Perang Badar, nu harita dina éta perang gegedén-gegedénna téh loba nu paéh atawa ditawan, bari maranéhna téh ditibanan usum halodo tarik. Ahirna maranéhna téh kasiksa ku kalaparan.

حَتّٰىٓ اِذَا فَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَابًا ذَا عَذَابٍ شَدِيْدٍ اِذَا هُمْ فِيْهِ مُبْلِسُوْنَ ࣖ٧٧
Ḥattā iżā fataḥnā ‘alaihim bāban żā ‘ażābin syadīdin iżā hum fīhi mublisūn(a).
[77] Nepi ka waktu Kami mukakeun keur maranéhna panto siksaan anu pohara, dadak sakala maranéhna jadi pegat pangharepan.

وَهُوَ الَّذِيْٓ اَنْشَاَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَالْاَفْـِٕدَةَۗ قَلِيْلًا مَّا تَشْكُرُوْنَ٧٨
Wa huwal-lażī yuḥyī wa yumītu wa lahukhtilāful-laili wan-nahār(i), afalā ta‘qilūn(a).
[78] Mantenna nu nyiptakeun keur anjeun pangrungu, panénjo, jeung ati sanubari, tapi saeutik pisan maranéh téh sukuran.

وَهُوَ الَّذِيْ ذَرَاَكُمْ فِى الْاَرْضِ وَاِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٧٩
Bal qālū miṡla mā qālal-awwalūn(a).
[79] Mantenna anu nyiptakeun jeung maparin turunan ka maranéh di ieu bumi sarta ngan ka Mantenna wungkul maranéh bakal dikumpulkeun.

وَهُوَ الَّذِيْ يُحْيٖ وَيُمِيْتُ وَلَهُ اخْتِلَافُ الَّيْلِ وَالنَّهَارِۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٨٠
Qālū a'iżā mitnā wa kunnā turābaw wa ‘iẓāman a'innā lamab‘ūṡūn(a).
[80] Mantenna nu ngahirupkeun jeung ngamaotkeun. Kagungan Mantenna (kakawasaan pikeun ngatur) gunta-gantina peuting jeung beurang. Naha maranéh teu ngagunakeun akal?

بَلْ قَالُوْا مِثْلَ مَا قَالَ الْاَوَّلُوْنَ٨١
Laqad wu‘idnā naḥnu wa ābā'unā hāżā min qablu in hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[81] Malah, maranéhna kalah ka nyarita sarupa jeung anu dicaritakeun ku jalma-jalma saméméhna.

قَالُوْٓا ءَاِذَا مِتْنَا وَكُنَّا تُرَابًا وَّعِظَامًا ءَاِنَّا لَمَبْعُوْثُوْنَ٨٢
Qālū a'iżā mitnā wa kunnā turābaw wa ‘iẓāman a'innā lamab‘ūṡūn(a).
[82] Maranéhna nyarita, “Naha lamun urang geus maot sarta jadi taneuh jeung tulang, urang téh bener-bener bakal dihudangkeun deui?

لَقَدْ وُعِدْنَا نَحْنُ وَاٰبَاۤؤُنَا هٰذَا مِنْ قَبْلُ اِنْ هٰذَآ اِلَّآ اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ٨٣
Laqad wu‘idnā naḥnu wa ābā'unā hāżā min qablu in hāżā illā asāṭīrul-awwalīn(a).
[83] Sabenerna nu kieu téh geus dijangjikeun ka urang jeung karuhun-karuhun urang ti saméméhna. 590 Ieu mah taya lian ngan dongéng jalma-jalma baheula!”
590) Nyaéta naséhat ku poé dihudangkeun deui.

قُلْ لِّمَنِ الْاَرْضُ وَمَنْ فِيْهَآ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٨٤
Qul limanil-arḍu wa man fīhā in kuntum ta‘lamūn(a).
[84] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Kagungan saha bumi katut sadaya pangeusina lamun maranéh nyaho?”

سَيَقُوْلُوْنَ لِلّٰهِ ۗقُلْ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ٨٥
Sayaqūlūna lillāh(i), qul afalā tażakkarūn(a).
[85] Maranéhna bakal ngajawab, “Kagungan Allah.” Pék caritakeun, “Naha atuh maranéh teu éling baé?”

قُلْ مَنْ رَّبُّ السَّمٰوٰتِ السَّبْعِ وَرَبُّ الْعَرْشِ الْعَظِيْمِ٨٦
Qul mar rabbus-samāwātis-sab‘i wa rabbul-‘arsyil-‘aẓīm(i).
[86] Ucapkeun, “Saha anu kagungan langit nu tujuh sareng nu kagungan ‘Arasy anu agung?”

سَيَقُوْلُوْنَ لِلّٰهِ ۗقُلْ اَفَلَا تَتَّقُوْنَ٨٧
Sayaqūlūna lillāh(i), qul afalā tattaqūn(a).
[87] Maranéhna bakal ngajawab, “Kagungan Allah.” Ucapkeun, “Naha atuh maranéh henteu takwa?”

قُلْ مَنْۢ بِيَدِهٖ مَلَكُوْتُ كُلِّ شَيْءٍ وَّهُوَ يُجِيْرُ وَلَا يُجَارُ عَلَيْهِ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٨٨
Qul mam biyadihī malakūtu kulli syai'iw wa huwa yujīru wa lā yujāru ‘alaihi in kuntum ta‘lamūn(a).
[88] Ucapkeun, “Saha anu dina panangan-Na aya kakawasaan kana sagala perkara, sedengkeun Mantenna téh nangtayungan sareng henteu aya anu bisa ditangtayungan tina (siksaan-Na), lamun seug maranéh nyaho?”

سَيَقُوْلُوْنَ لِلّٰهِ ۗقُلْ فَاَنّٰى تُسْحَرُوْنَ٨٩
Sayaqūlūna lillāh(i), qul fa annā tusḥarūn(a).
[89] Maranéhna bakal ngajawab, “Kagungan Allah.” Ucapkeun, “Nya atuh (lamun kitu mah), kunaon maranéh bisa katipu?”

بَلْ اَتَيْنٰهُمْ بِالْحَقِّ وَاِنَّهُمْ لَكٰذِبُوْنَ٩٠
Bal ataināhum bil-ḥaqqi wa innahum lakāżibūn(a).
[90] Padahal mah Kami geus mawa bebeneran ka maranéhna, tapi saenyana maranéhna bener-bener ngabohongkeun.

مَا اتَّخَذَ اللّٰهُ مِنْ وَّلَدٍ وَّمَا كَانَ مَعَهٗ مِنْ اِلٰهٍ اِذًا لَّذَهَبَ كُلُّ اِلٰهٍۢ بِمَا خَلَقَ وَلَعَلَا بَعْضُهُمْ عَلٰى بَعْضٍۗ سُبْحٰنَ اللّٰهِ عَمَّا يَصِفُوْنَ ۙ٩١
Mattakhażallāhu miw waladiw wa mā kāna ma‘ahū min ilāhin iżal lażahaba kullu ilāhim bimā khalaqa wa la‘alā ba‘ḍuhum ‘alā ba‘ḍ(in), subḥānallāhi ‘ammā yaṣifūn(a).
[91] Allah henteu ngangkat putra sareng teu aya pangéran (séjén) anu nyarengan Mantenna. Upami kitu mah tangtu saban pangéran bakal mawa naon (mahluk) anu diciptakeunana jeung sabagian ti éta pangéran-pangéran téh bakal ngéléhkeun sabagian nu séjénna. Mahasuci Allah tina naon anu disipatkeun ku maranéhna

عٰلِمِ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ فَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ ࣖ٩٢
‘Ālimil-gaibi wasy-syahādati fa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[92] Nu Mahauninga kana sadaya nu gaib sareng nu nyampak. Mahaluhur (Allah) tina naon anu disarékatkeun ku maranéhna.

قُلْ رَّبِّ اِمَّا تُرِيَنِّيْ مَا يُوْعَدُوْنَ ۙ٩٣
Qur rabbi immā turiyannī mā yū‘adūn(a).
[93] Ucapkeun, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti leres-leres badé ningalikeun ka abdi naon (siksaan) anu diancamkeun ka maranéhna.

رَبِّ فَلَا تَجْعَلْنِيْ فِى الْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٩٤
Rabbi falā taj‘alnī fil-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[94] Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti ulah ngajantenkeun abdi kalebet kaom anu dolim.”

وَاِنَّا عَلٰٓى اَنْ نُّرِيَكَ مَا نَعِدُهُمْ لَقٰدِرُوْنَ٩٥
Wa innā ‘alā an nuriyaka mā na‘iduhum laqādirūn(a).
[95] Sabenerna Kami téh bener-bener kawasa pikeun némbongkeun ka hidep (Muhammad) naon anu diancamkeun ku Kami ka maranéhna.

اِدْفَعْ بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُ السَّيِّئَةَۗ نَحْنُ اَعْلَمُ بِمَا يَصِفُوْنَ٩٦
Idfa‘ bil-latī hiya aḥsanus-sayyi'ah(ta), naḥnu a‘lamu bimā yaṣifūn(a).
[96] Tolak baé kagoréngan (maranéhna) ku (pagawéan) anu leuwih hadé. Kami leuwih nyaho kana naon anu disipatkeun ku maranéhna.

وَقُلْ رَّبِّ اَعُوْذُ بِكَ مِنْ هَمَزٰتِ الشَّيٰطِيْنِ ۙ٩٧
Wa qur rabbi a‘ūżu bika min hamazātisy-syayāṭīn(i).
[97] Pék caritakeun, “Nun Gusti Pangéran abdi, abdi nyalindung ka Gusti tina haréwos-haréwos sétan.

وَاَعُوْذُ بِكَ رَبِّ اَنْ يَّحْضُرُوْنِ٩٨
Wa a‘ūżu bika rabbi ay yaḥḍurūn(i).
[98] Sareng abdi nyalindung (ogé) ka Gusti, nun Gusti Pangéran abdi, tina datangna maranéhna ka abdi.”

حَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءَ اَحَدَهُمُ الْمَوْتُ قَالَ رَبِّ ارْجِعُوْنِ ۙ٩٩
Ḥattā iżā jā'a aḥadahumul-mautu qāla rabbirji‘ūn(i).
[99] (Tah kitu kaayaan jalma-jalma kapir) nepi ka waktu datang maot ka salah saurang ti maranéhna, manéhna nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi, wangsulkeun deui abdi (ka dunya),

لَعَلِّيْٓ اَعْمَلُ صَالِحًا فِيْمَا تَرَكْتُ كَلَّا ۗاِنَّهَا كَلِمَةٌ هُوَ قَاۤىِٕلُهَاۗ وَمِنْ وَّرَاۤىِٕهِمْ بَرْزَخٌ اِلٰى يَوْمِ يُبْعَثُوْنَ١٠٠
La‘allī a‘malu ṣāliḥan fīmā taraktu kallā, innahā kalimatun huwa qā'iluhā, wa miw warā'ihim barzakhun ilā yaumi yub‘aṡūn(a).
[100] sangkan abdi tiasa milampah kahadéan nu ku abdi dikantunkeun.” Moal bisa! Sabenerna éta mah ngan alesan anu dicaritakeun wungkul. Di hareupeun maranéhna aya (alam) barjah 591 nepi ka poé maranéhna dihudangkeunana deui.
591) Barjah téh nyaéta hiji tempat atawa kaayaan jalma sanggeus maot nepi ka manéhna dihudangkeun deui dina Poé Kiamat.

فَاِذَا نُفِخَ فِى الصُّوْرِ فَلَآ اَنْسَابَ بَيْنَهُمْ يَوْمَىِٕذٍ وَّلَا يَتَسَاۤءَلُوْنَ١٠١
Fa iżā nufikha fiṣ-ṣūri falā ansāba bainahum yauma'iżiw wa lā yatasā'alūn(a).
[101] Waktu ditiup sangkakala, dina éta poé (Kiamat) taya deui tatali kabarayaan ti antara maranéhna jeung maranéhna (ogé) moal bisa silih tanya.

فَمَنْ ثَقُلَتْ مَوَازِيْنُهٗ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ١٠٢
Faman ṡaqulat mawāzīnuhū fa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[102] Saha anu beurat timbangan (kahadéana)-na, mangka maranéhna téh jalma-jalma anu untung.

وَمَنْ خَفَّتْ مَوَازِيْنُهٗ فَاُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فِيْ جَهَنَّمَ خٰلِدُوْنَ ۚ١٠٣
Wa man khaffat mawāzīnuhū fa ulā'ikal-lażīna khasirū anfusahum fī jahannama khālidūn(a).
[103] Saha anu hampang timbangan (kahadéana)-na, mangka maranéhna téh jalma-jalma nu ngarugikeun dirina sorangan. Maranéhna téh langgeng dina jero naraka Jahanam.

تَلْفَحُ وُجُوْهَهُمُ النَّارُ وَهُمْ فِيْهَا كٰلِحُوْنَ١٠٤
Talfaḥu wujūhahumun-nāru wa hum fīhā kāliḥūn(a).
[104] Beungeut maranéhna diduruk ku seuneu naraka jeung maranéhna di naraka téh dina kaayaan pikasieuneun.

اَلَمْ تَكُنْ اٰيٰتِيْ تُتْلٰى عَلَيْكُمْ فَكُنْتُمْ بِهَا تُكَذِّبُوْنَ١٠٥
Alam takun āyātī tutlā ‘alaikum fa kuntum bihā tukażżibūn(a).
[105] Apan ayat-ayat Kami téh geus kungsi dibacakeun ka maranéh, ngan maranéh tuluy-tuluyan ngabohongkeunana?

قَالُوْا رَبَّنَا غَلَبَتْ عَلَيْنَا شِقْوَتُنَا وَكُنَّا قَوْمًا ضَاۤلِّيْنَ١٠٦
Qālū rabbanā galabat ‘alainā syiqwatunā wa kunnā qauman ḍāllīn(a).
[106] Maranéhna nyarita, “Nun Gusti, abdi sadaya rumaos parantos dikawasa ku kadorakaan jeung abdi sadaya téh jalmi-jalmi anu sasar.

رَبَّنَآ اَخْرِجْنَا مِنْهَا فَاِنْ عُدْنَا فَاِنَّا ظٰلِمُوْنَ١٠٧
Rabbanā akhrijnā minhā fa in ‘udnā fa innā ẓālimūn(a).
[107] Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugia Gusti ngaluarkeun abdi sadaya ti dinya (seuneu naraka sareng ngabalikkeun deui ka dunya). Tuluy saupami abdi sadaya wangsul deui (kana kakapiran), saleresna abdi sadaya téh kalebet jalmi-jalmi anu dolim.”

قَالَ اخْسَـُٔوْا فِيْهَا وَلَا تُكَلِّمُوْنِ١٠٨
Qālakhsa'ū fīhā wa lā tukallimūn(i).
[108] Mantenna (Allah) ngadawuh, “Cicing baé maranéh di dinya bari hina jeung ulah hayang nyarita jeung Kami!”

اِنَّهٗ كَانَ فَرِيْقٌ مِّنْ عِبَادِيْ يَقُوْلُوْنَ رَبَّنَآ اٰمَنَّا فَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا وَاَنْتَ خَيْرُ الرّٰحِمِيْنَ ۚ١٠٩
Innahū kāna farīqum min ‘ibādī yaqūlūna rabbanā āmannā fagfir lanā warḥamnā wa anta khairur-rāḥimīn(a).
[109] Sabenerna sagolongan ti antara hamba-hamba Kami ngadoa, “Nun Gusti, abdi sadaya parantos iman. Ku margi kitu, mugia Gusti ngahapunten abdi sadaya sareng maparin rahmat ka abdi sadaya. Gusti téh pangsaé-saéna nu maparin rahmat.”

فَاتَّخَذْتُمُوْهُمْ سِخْرِيًّا حَتّٰىٓ اَنْسَوْكُمْ ذِكْرِيْ وَكُنْتُمْ مِّنْهُمْ تَضْحَكُوْنَ١١٠
Fattakhażtumūhum sikhriyyan ḥattā ansaukum żikrī wa kuntum minhum taḍḥakūn(a).
[110] Tuluy maranéh ngajadikeun aranjeunna tempat anu ngahinakeun, nepi ka maranéh poho éling ka Kami, jeung maranéh (tuluy-tuluyan) nyeungseurikeun aranjeunna.

اِنِّيْ جَزَيْتُهُمُ الْيَوْمَ بِمَا صَبَرُوْٓاۙ اَنَّهُمْ هُمُ الْفَاۤىِٕزُوْنَ١١١
Innī jazaituhumul-yauma bimā ṣabarū, annahum humul-fā'izūn(a).
[111] Sabenerna Kami dina ieu poé méré ganjaran ka aranjeunna lantaran kasabaranana. Sabenerna aranjeunna téh kaasup jalma-jalma anu untung.

قٰلَ كَمْ لَبِثْتُمْ فِى الْاَرْضِ عَدَدَ سِنِيْنَ١١٢
Qāla kam labiṡtum fil-arḍi ‘adada sinīn(a).
[112] Mantenna (Allah) ngadawuh, “Sabaraha taun lilana maranéh cicing di bumi?”

قَالُوْا لَبِثْنَا يَوْمًا اَوْ بَعْضَ يَوْمٍ فَسْـَٔلِ الْعَاۤدِّيْنَ١١٣
Qālū labiṡnā yauman au baḍa yaumin fas'alil-‘āddīn(a).
[113] Maranéhna ngajawab, “Abdi sadaya linggih (di bumi) mung sadinten atanapi satengah dinten. Cobi taroskeun baé ka maranéhna anu tukang ngitung.”

قٰلَ اِنْ لَّبِثْتُمْ اِلَّا قَلِيْلًا لَّوْ اَنَّكُمْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ١١٤
Qāla il labiṡtum illā qalīlal lau annakum kuntum ta‘lamūn(a).
[114] Mantenna (Allah) ngadawuh, “Maranéh cicing (di bumi) téh ngan sakeudeung baé lamun maranéh bener-bener nyaho mah.”

اَفَحَسِبْتُمْ اَنَّمَا خَلَقْنٰكُمْ عَبَثًا وَّاَنَّكُمْ اِلَيْنَا لَا تُرْجَعُوْنَ١١٥
Afa ḥasibtum annamā khalaqnākum ‘abaṡaw wa annakum ilainā lā turja‘ūn(a).
[115] Naha maranéh nyangka yén Kami nyiptakeun maranéh téh heuheureuyan wungkul (taya maksud) jeung maranéh moal rék dipulangkeun ka Kami?”

فَتَعٰلَى اللّٰهُ الْمَلِكُ الْحَقُّۚ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ رَبُّ الْعَرْشِ الْكَرِيْمِ١١٦
Fa ta‘ālallāhul-malikul-ḥaqq(u), lā ilāha illā huw(a), rabbul-‘arsyil-karīm(i).
[116] Mahaluhur Allah, Raja anu saleresna. Taya deui pangéran (anu hak disembah) lian ti Mantenna, Anu Kagungan ‘Arasy anu mulya.

وَمَنْ يَّدْعُ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَ لَا بُرْهَانَ لَهٗ بِهٖۙ فَاِنَّمَا حِسَابُهٗ عِنْدَ رَبِّهٖۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الْكٰفِرُوْنَ١١٧
Wa may yad‘u ma‘allāhi ilāhan ākhara lā burhāna lahū bih(ī), fa innamā ḥisābuhū ‘inda rabbih(ī), innahū lā yufliḥul-kāfirūn(a).
[117] Saha baé anu nyembah ka pangéran séjén nyarengan Allah, bari jeung taya hiji bukti ogé (nu ngabenerkeun) kana éta perkara, mangka balitungan (amal)-na mung aya di Pangéranana. Sabenerna jalma-jalma kapir téh moal untung.

وَقُلْ رَّبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرّٰحِمِيْنَ ࣖ١١٨
Wa qur rabbigfir warḥam wa anta khairur-rāḥimīn(a).
[118] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Nun Gusti, mugia Gusti maparin pangapunten sareng rahmat. Da Gusti mah pangsaé-saéna anu maparin rahmat.”