Surah Al-Hajj
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوْا رَبَّكُمْۚ اِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيْمٌ١
Yā ayyuhan-nāsuttaqū rabbakum, inna zalzalatas-sā‘ati syai'un ‘aẓīm(un).
[1]
Hé (sakabéh) manusa, kudu takwa ka Pangéran maranéh! Saenyana génjlongna (bumi saméméh) Poé Kiamat téh hiji perkara nu pohara rongkahna.
يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّآ اَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكٰرٰى وَمَا هُمْ بِسُكٰرٰى وَلٰكِنَّ عَذَابَ اللّٰهِ شَدِيْدٌ٢
Yauma taraunahā tażhalu kullu murḍi‘atin ‘ammā arḍa‘at wa taḍa‘u kullu żāti ḥamlin ḥamlahā wa taran-nāsa sukārā wa mā hum bisukārā wa lākinna ‘ażāballāhi syadīd(un).
[2]
Dina poé maranéh nénjo éta (kagénjlongan), sakabéh awéwé nu keur nyusuan lat baé poho ka budak nu disusuanana, jeung sakabéh awéwé nu keur kakandungan brol baé bakal kaguguran kandunganana. Manéh bakal nénjo manusa dina kaayaan mabok padahal sabenerna mah henteu mabok. Ngan siksaan Allah téh kacida rongkahna.
وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يُّجَادِلُ فِى اللّٰهِ بِغَيْرِ عِلْمٍ وَّيَتَّبِعُ كُلَّ شَيْطٰنٍ مَّرِيْدٍۙ٣
Wa minan-nāsi may yujādilu fillāhi bigairi ‘ilmiw wa yattabi‘u kulla syaiṭānim marīd(in).
[3]
Ti antara manusa aya nu silih bantah ngeunaan Allah tanpa élmu jeung (ngan) nuturkeun saban (léngkah jeung tipu daya) sétan nu pohara jahatna.
كُتِبَ عَلَيْهِ اَنَّهٗ مَنْ تَوَلَّاهُ فَاَنَّهٗ يُضِلُّهٗ وَيَهْدِيْهِ اِلٰى عَذَابِ السَّعِيْرِ٤
Kutiba ‘alaihi annahū man tawallāhu fa annahū yuḍilluhū wa yahdīhi ilā ‘ażābis-sa‘īr(i).
[4]
Geus ditetepkeun (ngeunaan sétan) yén saha baé nu nyobat jeung manéhna, nya saenyana manéhna téh bakal disasarkeun sarta dibawa kana siksa (naraka) anu ngéntab-ngéntab.
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنْ كُنْتُمْ فِيْ رَيْبٍ مِّنَ الْبَعْثِ فَاِنَّا خَلَقْنٰكُمْ مِّنْ تُرَابٍ ثُمَّ مِنْ نُّطْفَةٍ ثُمَّ مِنْ عَلَقَةٍ ثُمَّ مِنْ مُّضْغَةٍ مُّخَلَّقَةٍ وَّغَيْرِ مُخَلَّقَةٍ لِّنُبَيِّنَ لَكُمْۗ وَنُقِرُّ فِى الْاَرْحَامِ مَا نَشَاۤءُ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى ثُمَّ نُخْرِجُكُمْ طِفْلًا ثُمَّ لِتَبْلُغُوْٓا اَشُدَّكُمْۚ وَمِنْكُمْ مَّنْ يُّتَوَفّٰى وَمِنْكُمْ مَّنْ يُّرَدُّ اِلٰٓى اَرْذَلِ الْعُمُرِ لِكَيْلَا يَعْلَمَ مِنْۢ بَعْدِ عِلْمٍ شَيْـًٔاۗ وَتَرَى الْاَرْضَ هَامِدَةً فَاِذَآ اَنْزَلْنَا عَلَيْهَا الْمَاۤءَ اهْتَزَّتْ وَرَبَتْ وَاَنْۢبَتَتْ مِنْ كُلِّ زَوْجٍۢ بَهِيْجٍ٥
Yā ayyuhan-nāsu in kuntum fī raibim minal-ba‘ṡi fa innā khalaqnākum min turābin ṡumma min nuṭfatin ṡumma min ‘alaqatin ṡumma mim muḍgatim mukhallaqatiw wa gairi mukhallaqatil linubayyina lakum, wa nuqirru fil-arḥāmi mā nasyā'u ilā ajalim musamman ṡumma nukhrijukum ṭiflan ṡumma litablugū asyuddakum, wa minkum may yutawaffā wa minkum may yuraddu ilā arżalil-‘umuri likailā ya‘lama ba‘da ‘ilmin syai'ā(n), wa taral-arḍa hāmidatan fa iżā anzalnā ‘alaihal-mā'ahtazzat wa rabat wa ambatat min kulli zaujim bahīj(in).
[5]
Hé manusa, lamun seug maranéh ngarasa mangmang kana (poé) dihudangkeunana deui, nya saenyana Kami geus nyiptakeun (buyut) maranéh (Adam) tina taneuh, tuluy (maranéh minangka turunanana Kami ciptakeun) tina cimani, tuluy jadi getih kimpel, tuluy jadi sakeupeul daging nu sampurna kajadianana jeung nu teu sampurna, sangkan Kami ngjelaskeun ka maranéh (tanda-tanda kakawasaan Kami). Kami netepkeun dina rahim naon nu dikersakeun ku Kami nepi kana waktu nu geus ditangtukeun. Saterusna Kami ngaluarkeun maranéh jadi orok, tuluy maranéh tumuwuh nepi ka sawawa. Ti antara maranéh aya nu dimaotkeun jeung (aya ogé) ti antara maranéh nu dipanjangkeun umurna nepi ka kolot pisan (pikun) nepi ka henteu nyahoeun deui sakabéh nu tadina geus dipikanyaho. Manéh nénjo ieu bumi téh garing. Upama Kami nurunkeun cai (hujan) ka dinya, nya éta bumi jadi subur sarta nuwuhkeun sagala rupa (tutuwuhan) anu éndah.
ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْحَقُّ وَاَنَّهٗ يُحْيِ الْمَوْتٰى وَاَنَّهٗ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ۙ٦
Żālika bi'annallāha huwal-ḥaqqu wa annahū yuḥyil-mautā wa annahū ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[6]
Éta téh lantaran saleresna Allah nya Mantenna Nu Mahabener, jeung saleresna Mantenna nu ngahirupkeun sagala nu paéh, sarta saleresna Mantenna Mahakawasa kana sagala perkara.
وَّاَنَّ السَّاعَةَ اٰتِيَةٌ لَّا رَيْبَ فِيْهَاۙ وَاَنَّ اللّٰهَ يَبْعَثُ مَنْ فِى الْقُبُوْرِ٧
Wa annas-sā‘ata ātiyatul lā raiba fīhā, wa annallāha yab‘aṡu man fil-qubūr(i).
[7]
Saenyana (poé) Kiamat téh pasti datangna. Taya kamangmangan deui. Saleresna Allah bakal ngahudangkeun saha baé nu aya di jero kubur.
وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يُّجَادِلُ فِى اللّٰهِ بِغَيْرِ عِلْمٍ وَّلَا هُدًى وَّلَا كِتٰبٍ مُّنِيْرٍ ۙ٨
Wa minan-nāsi may yujādilu fillāhi bigairi ‘ilmiw wa lā hudaw wa lā kitābim munīr(in).
[8]
Ti antara manusa aya nu silih bantah ngeunaan Allah tanpa élmu, tanpa pituduh, sarta tanpa kitab (wahyu) nu nyaangan
ثَانِيَ عِطْفِهٖ لِيُضِلَّ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗ لَهٗ فِى الدُّنْيَا خِزْيٌ وَّنُذِيْقُهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ عَذَابَ الْحَرِيْقِ٩
Ṡāniya ‘iṭfihī liyuḍilla ‘an sabīlillāh(i), lahū fid-dun-yā khizyuw wa nużīquhū yaumal-qiyāmati ‘ażābal-ḥarīq(i).
[9]
bari maléngoskeun beuheungna (tur adigung) pikeun nyasarkeun manusa tina jalan Allah. Pikeun manéhna kahinaan di dunya sarta dina Poé Kiamat Kami bakal ngajadikeun manéhna ngarasakeun siksaan (naraka) nu ngaduruk.
ذٰلِكَ بِمَا قَدَّمَتْ يَدٰكَ وَاَنَّ اللّٰهَ لَيْسَ بِظَلَّامٍ لِّلْعَبِيْدِ ࣖ١٠
Żālika bimā qaddamat yadāka wa annallāha laisa biẓallāmil lil-‘abīd(i).
[10]
(Bakal dicaritakeun ka maranéhna), “Jiga kitu téh alatan lalampahan nu dipigawé ku dua leungeun manéh baheula. Saleresna Allah mah henteu pisan-pisan dolim ka hamba-hamba-Na.”
وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّعْبُدُ اللّٰهَ عَلٰى حَرْفٍۚ فَاِنْ اَصَابَهٗ خَيْرُ ِۨاطْمَئَنَّ بِهٖۚ وَاِنْ اَصَابَتْهُ فِتْنَةُ ِۨانْقَلَبَ عَلٰى وَجْهِهٖۗ خَسِرَ الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةَۗ ذٰلِكَ هُوَ الْخُسْرَانُ الْمُبِيْنُ١١
Wa minan-nāsi may ya‘budullāha ‘alā ḥarf(in), fa in aṣābahū khairuniṭma'anna bih(ī), wa in aṣābathu fitnatuninqalaba ‘alā wajhih(ī), khasirad-dun-yā wal-ākhirah(ta), żālika huwal-khusrānul-mubīn(u).
[11]
Ti antara manusa aya nu ibadah ka Allah ngan di tepi (teu dibarengan kayakinan anu pinuh). 573 Upama pinanggih jeung kahadéan, manéhna sugema, tapi upama ditibanan hiji cocoba, manéhna ngabalieur ka tukang. 574 Manéhna rugi di dunya jeung di ahérat. Tah éta pisan karugian nu nyata.
573) Henteu didadasaran ku kayakinan nu buleud.
574) Balik deui kana kakapiran.
يَدْعُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَضُرُّهٗ وَمَا لَا يَنْفَعُهٗۗ ذٰلِكَ هُوَ الضَّلٰلُ الْبَعِيْدُ ۚ١٢
Yad‘ū min dūnillāhi mā lā yaḍurruhū wa mā lā yanfa‘uh(ū), żālika huwaḍ-ḍalālul-ba‘īd(u).
[12]
Manéhna sasambat ka salian ti Allah anu teu bisa ngadatangkeun madarat jeung teu (ogé) mawa mangpaat ka manéhna. Éta téh kasasaran nu jauh.
يَدْعُوْا لَمَنْ ضَرُّهٗٓ اَقْرَبُ مِنْ نَّفْعِهٖۗ لَبِئْسَ الْمَوْلٰى وَلَبِئْسَ الْعَشِيْرُ١٣
Yad‘ū laman ḍarruhū aqrabu min naf‘ih(ī), labi'sal-maulā wa labi'sal-‘asyīr(u).
[13]
Manéhna sasambat ka hiji perkara nu madaratna leuwih deukeut tibatan mangpaatna. Éta téh panggoréng-goréngna nu bisa nulungan jeung panjahat-jahatna pibatureun.
اِنَّ اللّٰهَ يُدْخِلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۗ اِنَّ اللّٰهَ يَفْعَلُ مَا يُرِيْدُ١٤
Innallāha yudkhilul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti jannātin tajrī min taḥtihal-anhār(u), innallāha yaf‘alu mā yurīd(u).
[14]
Saleresna Allah bakal ngalebetkeun jalma-jalma nu iman jeung milampah amal soléh ka sawarga-sawarga nu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Saleresna Allah midamel sakabéh nu dikersakeun ku Mantenna.
مَنْ كَانَ يَظُنُّ اَنْ لَّنْ يَّنْصُرَهُ اللّٰهُ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ فَلْيَمْدُدْ بِسَبَبٍ اِلَى السَّمَاۤءِ ثُمَّ لْيَقْطَعْ فَلْيَنْظُرْ هَلْ يُذْهِبَنَّ كَيْدُهٗ مَا يَغِيْظُ١٥
Man kāna yaẓunnu allay yanṣurahullāhu fid-dun-yā wal-ākhirati falyamdud bisababin ilas-samā'i ṡummalyaqṭa‘ falyanẓur hal yużhibanna kaiduhū mā yagīẓ(u).
[15]
Saha baé nu nyangka yén Allah moal nulungan anjeunna (Muhammad) di dunya jeung di ahérat, nya antep baé manéhna sina ngantengkeun tali ka lalangit (imahna pikeun nyekék beuheungna), 575 tuluy sina megatkeun éta (tali). Saterusna pék pikiran ku manéhna naha tipu dayana téh bisa ngaleungitkeun kanyeri (haté)na?
575) Kecap sama' di dieu dihartikeun lalangit (bagian tina suhunan imah). Mun sama' dihartikeun langit (dina harti nu biasa), nya tarjamahna jadi "mun seug musuhna Muhammad Saw. ambek lantaran anjeunna kénging pitulung ti langit, nya keun baé manéhna sina ngantengkeun tali ka langit, jeung tuh tingali naha maranéhna bisa megatkeun éta pitulung ku cara kitu? Hartina, kacida bodona maranéhna mun seug nyangka bisa megatkeun pitulung ti Allah ku éta cara nu heureut.
وَكَذٰلِكَ اَنْزَلْنٰهُ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍۙ وَّاَنَّ اللّٰهَ يَهْدِيْ مَنْ يُّرِيْدُ١٦
Wa każālika anzalnāhu āyātim bayyināt(in), wa annallāha yahdī may yurīd(u).
[16]
Nya kitu Kami geus nurunkeun (Al-Qur’an) minangka ayat-ayat nu nyata. Saleresna Allah maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna.
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَالَّذِيْنَ هَادُوْا وَالصَّابِـِٕيْنَ وَالنَّصٰرٰى وَالْمَجُوْسَ وَالَّذِيْنَ اَشْرَكُوْٓا ۖاِنَّ اللّٰهَ يَفْصِلُ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ شَهِيْدٌ١٧
Innal-lażīna āmanū wal-lażīna hādū waṣ-ṣābi'īna wan-naṣārā wal-majūsa wal-lażīna asyrakū, innallāha yafṣilu bainahum yaumal-qiyāmah(ti), innallāha ‘alā kulli syai'in syahīd(un).
[17]
Saenyana jalma-jalma nu iman, urang Yahudi, Sabiin, Nasrani, Majusi, jeung nu musrik téh ku Allah bakal dipaparinan putusan ka sakabéhna ogé dina Poé Kiamat. Saleresna Allah jadi saksi kana sagala perkara.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يَسْجُدُ لَهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ وَالشَّمْسُ وَالْقَمَرُ وَالنُّجُوْمُ وَالْجِبَالُ وَالشَّجَرُ وَالدَّوَاۤبُّ وَكَثِيْرٌ مِّنَ النَّاسِۗ وَكَثِيْرٌ حَقَّ عَلَيْهِ الْعَذَابُۗ وَمَنْ يُّهِنِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ مُّكْرِمٍۗ اِنَّ اللّٰهَ يَفْعَلُ مَا يَشَاۤءُ ۩ۗ١٨
Alam tara annallāha yasjudu lahū man fis-samāwāti wa man fil-arḍi wasy-syamsu wal-qamaru wan-nujūmu wal-jibālu wasy-syajaru wad-dawābbu wa kaṡīrum minan-nās(i), wa kaṡīrun ḥaqqa ‘alaihil-‘ażāb(u), wa may yuhinillāhu famā lahū mim mukrim(in), innallāha yaf‘alu mā yasyā'(u).
[18]
Naha hidep teu terang yén saha baé nu aya di langit jeung nu aya di bumi bener-bener sumujud ka Allah, kitu deui panonpoé, bulan, béntang-béntang, gunung-gunung, tatangkalan, sasatoan nu rumingkang jeung lolobana manusa? Ngan loba (manusa) nu misti meunang siksaan. Saha baé nu dihinakeun ku Allah, moal aya saurang ogé anu ngamulyakeun manéhna. Saleresna Allah midamel sadaya dikersakeunku Mantenna.
۞ هٰذَانِ خَصْمٰنِ اخْتَصَمُوْا فِيْ رَبِّهِمْ فَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا قُطِّعَتْ لَهُمْ ثِيَابٌ مِّنْ نَّارٍۗ يُصَبُّ مِنْ فَوْقِ رُءُوْسِهِمُ الْحَمِيْمُ ۚ١٩
Hāżāni khaṣmānikhtaṣamū fī rabbihim fal-lażīna kafarū quṭṭi‘at lahum ṡiyābum min nār(in), yuṣabbu min fauqi ru'ūsihimul-ḥamīm(u).
[19]
Nya ieu pisan dua golongan (mu’min jeung kapir) nu mumusuhan. Maranéhna mumusuhan ngeunaan perkara Pangéranana. Nya pikeun jalma-jalma kapir bakal dipangnyieunkeun pakéan tina seuneu (naraka). Ka luhureun huluna bakal dikucuran ku cai nu ngagolak.
يُصْهَرُ بِهٖ مَا فِيْ بُطُوْنِهِمْ وَالْجُلُوْدُ ۗ٢٠
Yuṣharu bihī mā fī buṭūnihim wal-julūd(u).
[20]
Ku (éta cai nu ngagolak) bakal diancurkeun sagala eusi beuteung jeung kulit maranéhna.
وَلَهُمْ مَّقَامِعُ مِنْ حَدِيْدٍ٢١
Wa lahum maqāmi‘u min ḥadīd(in).
[21]
Pikeun maranéhna (siksa mangrupa) palu (godam) tina beusi.
كُلَّمَآ اَرَادُوْٓا اَنْ يَّخْرُجُوْا مِنْهَا مِنْ غَمٍّ اُعِيْدُوْا فِيْهَا وَذُوْقُوْا عَذَابَ الْحَرِيْقِ ࣖ٢٢
Kullamā arādū ay yakhrujū minhā min gammin u‘īdū fīhā, wa żūqū ‘ażābal-ḥarīq(i).
[22]
Saban-saban rék ka luar ti dinya (naraka) alatan kasiksa, maranéhna dibalikkeun (deui) ka dinya. (Maranéhna dicarékan), “Pék rasakeun ku maranéh ieu siksaan nu ngaduruk!”
اِنَّ اللّٰهَ يُدْخِلُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ يُحَلَّوْنَ فِيْهَا مِنْ اَسَاوِرَ مِنْ ذَهَبٍ وَّلُؤْلُؤًاۗ وَلِبَاسُهُمْ فِيْهَا حَرِيْرٌ٢٣
Innallāha yudkhilul-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru yuḥallauna fīhā min asāwira min żahabiw wa lu'lu'ā(n), wa libāsuhum fīhā ḥarīr(un).
[23]
Saleresna Allah bakal ngalebetkeun jalma-jalma nu iman tur milampah amal soléh ka sawarga-sawarga nu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Di dinya aranjeunna dipapaésan ku geulang-geulang tina emas jeung mutiara. Raksukan aranjeunna tina sutra.
وَهُدُوْٓا اِلَى الطَّيِّبِ مِنَ الْقَوْلِۚ وَهُدُوْٓا اِلٰى صِرَاطِ الْحَمِيْدِ٢٤
Wa hudū ilaṭ-ṭayyibi minal-qaul(i), wa hudū ilā ṣirāṭil-ḥamīd(i).
[24]
Aranjeunna dipaparinan pituduh kana ucapan nu hadé jeung kana jalan (Allah) Nu Mahapinuji.
اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَيَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَالْمَسْجِدِ الْحَرَامِ الَّذِيْ جَعَلْنٰهُ لِلنَّاسِ سَوَاۤءً ۨالْعَاكِفُ فِيْهِ وَالْبَادِۗ وَمَنْ يُّرِدْ فِيْهِ بِاِلْحَادٍۢ بِظُلْمٍ نُّذِقْهُ مِنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ ࣖ٢٥
Innal-lażīna kafarū wa yaṣuddūna ‘an sabīlillāhi wal-masjidil-ḥarāmil-lażī ja‘alnāhu lin-nāsi sawā'anil-‘ākifu fīhi wal-bād(i), wa may yurid fīhi bi'ilḥādim biẓulmin nużiqhu min ‘ażābin alīm(in).
[25]
Saenyana jalma-jalma anu kupur jeung ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah jeung Masjidil Haram anu ku Kami geus dijadikeun pikeun sakumna manusa, boh nu marukim di dinya boh nu daratang ti luar (bakal meunang siksaan nu kacida peurihna). Saha baé nu boga maksud nyieun kajahatan ku kadoliman di dinya, tangtu ku Kami manéhna sina ngarasakeun siksaan nu peurih.
وَاِذْ بَوَّأْنَا لِاِبْرٰهِيْمَ مَكَانَ الْبَيْتِ اَنْ لَّا تُشْرِكْ بِيْ شَيْـًٔا وَّطَهِّرْ بَيْتِيَ لِلطَّاۤىِٕفِيْنَ وَالْقَاۤىِٕمِيْنَ وَالرُّكَّعِ السُّجُوْدِ٢٦
Wa iż bawwa'nā li'ibrāhīma makānal-baiti allā tusyrik bī syai'aw wa ṭahhir baitiya liṭ-ṭā'ifīna wal-qā'imīna war-rukka‘is-sujūd(i).
[26]
(Sing inget) nalika Kami merenahkeun Ibrahim di tempat Baitullah (kalayan ngadawuh), “Omat anjeun ulah nyarékatkeun Kami ku naon baé jeung geura sucikeun ieu imah Kami pikeun jalma-jalma nu towaf, nu mukim (di sabudeureunana), jeung nu ruku (tur) sujud.
وَاَذِّنْ فِى النَّاسِ بِالْحَجِّ يَأْتُوْكَ رِجَالًا وَّعَلٰى كُلِّ ضَامِرٍ يَّأْتِيْنَ مِنْ كُلِّ فَجٍّ عَمِيْقٍ ۙ٢٧
Wa ażżin fin-nāsi bil-ḥajji ya'tūka rijālaw wa ‘alā kulli ḍāmiriy ya'tīna min kulli fajjin ‘amīq(in).
[27]
(Hé Ibrahim,) “Geura ajak manusa sangkan ngalaksanakeun haji, pasti maranéhna bakal datang ka anjeun bari leumpang jeung tumpak onta nu begang. Maranéhna jul-jol datang ti sakuliah dunya nu jauh.
لِّيَشْهَدُوْا مَنَافِعَ لَهُمْ وَيَذْكُرُوا اسْمَ اللّٰهِ فِيْٓ اَيَّامٍ مَّعْلُوْمٰتٍ عَلٰى مَا رَزَقَهُمْ مِّنْۢ بَهِيْمَةِ الْاَنْعَامِۚ فَكُلُوْا مِنْهَا وَاَطْعِمُوا الْبَاۤىِٕسَ الْفَقِيْرَ ۖ٢٨
Liyasyhadū manāfi‘a lahum wa yażkurusmallāhi fī ayyāmim ma‘lūmātin ‘alā mā razaqahum mim bahīmatil-an‘ām(i), fa kulū minhā wa aṭ‘imul-bā'isal-faqīr(a).
[28]
(Maranéhna jul-jol datang téh) sangkan nyaksian pirang-pirang mangpaat keur maranéhna jeung sangkan nyarebut jenengan Allah dina sababaraha poé nu geus ditangtukeun 576 alatan rejeki nu geus dipaparinkeun ku Mantenna ka maranéhna mangrupa ingon-ingon. Pék geura dalahar sawaréh tina éta rejeki jeung (sawaréh deui mah) bikeun baé keur barang dahar jalma-jalma nu katalangsara (tur) pakir.
576) Lebaran haji jeung Tasyrīq téh nyaéta kaping 10, 11, 12, jeung 13 Julhijah.
ثُمَّ لْيَقْضُوْا تَفَثَهُمْ وَلْيُوْفُوْا نُذُوْرَهُمْ وَلْيَطَّوَّفُوْا بِالْبَيْتِ الْعَتِيْقِ٢٩
Ṡummal yaqḍū tafaṡafahum wal yūfū nużūrahum wal yaṭṭawwafū bil-baitil-‘atīq(i).
[29]
Tuluy maranéhna kudu ngaberesihan kokotor-kokotor 577 (nu aya dina awak maranéhna), nyumponan nadar-nadarna, jeung ngalakonan towaf di sakurilingeun Baitul ‘Atiq (Baitullah) téa.
577) Nu dimaksud “ngaberesihan kokotor-kokotor” di dieu téh nyaéta nyukur rambut, neukteuk kuku, jeung sajabana.
ذٰلِكَ وَمَنْ يُّعَظِّمْ حُرُمٰتِ اللّٰهِ فَهُوَ خَيْرٌ لَّهٗ عِنْدَ رَبِّهٖۗ وَاُحِلَّتْ لَكُمُ الْاَنْعَامُ اِلَّا مَا يُتْلٰى عَلَيْكُمْ فَاجْتَنِبُوا الرِّجْسَ مِنَ الْاَوْثَانِ وَاجْتَنِبُوْا قَوْلَ الزُّوْرِ ۙ٣٠
Żālika wa may yu‘aẓẓim ḥurumātillāhi fa huwa khairul lahū ‘inda rabbih(ī), wa uḥillat lakumul-an‘āmu illā mā yutlā ‘alaikum fajtanibur-rijsa minal-auṡāni wajtanibū qaulaz-zūr(i).
[30]
Éta téh (pituduh jeung timbalan Allah). Saha baé nu ngagungkeun sakabéh nu dihormat mungguhing Allah (ḥurumāt), 578 nya pasti éta leuwih hadé keur manéhna mungguh Pangéranana. Sakabéh ingon-ingon dihalalkeun keur maranéh, kajaba nu geus diterangkeun (kaharamanana) ka maranéh. Ku kituna, geura singkahan (ngaibadahan) berhala-berhala nu najis jeung singkahan omongan-omongan bohong.
578) Nu dipihormat (ḥurumāt) dina ieu ayat téh hartina nyaéta bulan haram (Muharam, Julkaidah, Julhijah, Rajab), daérah haram, jeung makom Ibrahim.
حُنَفَاۤءَ لِلّٰهِ غَيْرَ مُشْرِكِيْنَ بِهٖۗ وَمَنْ يُّشْرِكْ بِاللّٰهِ فَكَاَنَّمَا خَرَّ مِنَ السَّمَاۤءِ فَتَخْطَفُهُ الطَّيْرُ اَوْ تَهْوِيْ بِهِ الرِّيْحُ فِيْ مَكَانٍ سَحِيْقٍ٣١
Ḥunafā'a lillāhi gaira musyrikīna bih(ī), wa may yusyrik billāhi fa ka'annamā kharra minas-samā'i fa takhṭafuhuṭ-ṭairu au tahwī bihir-rīḥu fī makānin saḥīq(in).
[31]
(Geura aribadah) kalayan ihlas ka Allah, tanpa nyarékatkeun Mantenna. Saha baé nu nyarékatkeun Allah, nya manéhna saperti jalma nu ragrag ti langit tuluy disamber ku manuk, atawa ngoléang kabawa angin ka tempat nu jauh.
ذٰلِكَ وَمَنْ يُّعَظِّمْ شَعَاۤىِٕرَ اللّٰهِ فَاِنَّهَا مِنْ تَقْوَى الْقُلُوْبِ٣٢
Żālika wa may yu‘aẓẓim sya‘ā'irallāhi fa innahā min taqwal-qulūb(i).
[32]
Éta téh (timbalan Allah). Saha baé nu ngagungkeun si’ar-si’ar Allah, 579 sabenerna éta téh (kaasup) kana katakwaan haté.
579) Si’ar Allah téh nyaéta sadaya amalan nu dipigawé dina raraga ibadah haji jeung tempat-tempat pikeun migawéna.
لَكُمْ فِيْهَا مَنَافِعُ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى ثُمَّ مَحِلُّهَآ اِلَى الْبَيْتِ الْعَتِيْقِ ࣖ٣٣
Lakum fīhā manāfi‘u ilā ajalim musamman ṡumma maḥilluhā ilal-baitil-‘atīq(i).
[33]
Pikeun aranjeun dina éta (ingon-ingon hadyu) 580 téh aya pirang-pirang mangpaat, 581 nepi ka waktu nu geus ditangtukeun. Tuluy tempat meuncitna téh nyaéta sabudeureun Baitul ‘Atiq (Tanah Harom sakabéhna).
580) Tingali Al-Baqarah/2:196.
581) Nu dimaksud ingon-ingon hadyu téh bisa ku aranjeun diala mangpaatna, saperti keur tutumpakan, diala susunan, jeung sajabana nepi ka poé naḥar.
وَلِكُلِّ اُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنْسَكًا لِّيَذْكُرُوا اسْمَ اللّٰهِ عَلٰى مَا رَزَقَهُمْ مِّنْۢ بَهِيْمَةِ الْاَنْعَامِۗ فَاِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ فَلَهٗٓ اَسْلِمُوْاۗ وَبَشِّرِ الْمُخْبِتِيْنَ ۙ٣٤
Wa likulli ummatin ja‘alnā mansakal liyażkurusmallāhi ‘alā mā razaqahum mim bahīmatil-an‘ām(i), fa ilāhukum ilāhuw wāḥidun fa lahū aslimū, wa basysyiril-mukhbitīn(a).
[34]
Pikeun saban-saban umat, Kami geus netepkeun saréat meuncit (ingon-ingon hadyu) sangkan maranéhna nyebut jenengan Allah alatan (sukuran kana) rejeki nu geus dipaparinkeun ka aranjeunna mangrupa ingon-ingon. Nya Pangéran aranjeun téh Pangéran Nu Mahatunggal. Ku kituna, pék geura sumerah diri ka Mantenna. Jug tepikeun ku hidep (Muhammad) pangbubungah ka jalma-jalma nu handap asor (tur) taat (ka Allah)!
الَّذِيْنَ اِذَا ذُكِرَ اللّٰهُ وَجِلَتْ قُلُوْبُهُمْ وَالصّٰبِرِيْنَ عَلٰى مَآ اَصَابَهُمْ وَالْمُقِيْمِى الصَّلٰوةِۙ وَمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَ٣٥
Allażīna iżā żukirallāhu wajilat qulūbuhum waṣ-ṣābirīna ‘alā mā aṣābahum wal-muqīmiṣ-ṣalāh(ti), wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[35]
(nyaéta) jalma-jalma anu saupamana disebat jenengan Allah, haténa ngageter, jalma-jalma nu sabar kana sagala balai nu tumiba ka aranjeunna, jalma-jalma nu ngadegkeun salat, sarta jalma-jalma nu ngainpakkeun sawaréh rejeki nu ku Kami dipaparinkeun ka aranjeunna.
وَالْبُدْنَ جَعَلْنٰهَا لَكُمْ مِّنْ شَعَاۤىِٕرِ اللّٰهِ لَكُمْ فِيْهَا خَيْرٌۖ فَاذْكُرُوا اسْمَ اللّٰهِ عَلَيْهَا صَوَاۤفَّۚ فَاِذَا وَجَبَتْ جُنُوْبُهَا فَكُلُوْا مِنْهَا وَاَطْعِمُوا الْقَانِعَ وَالْمُعْتَرَّۗ كَذٰلِكَ سَخَّرْنٰهَا لَكُمْ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٣٦
Wal-budna ja‘alnāhā lakum min sya‘ā'irillāhi lakum fīhā khair(un), fażkurusmallāhi ‘alaihā ṣawāff(a), fa iżā wajabat junūbuhā fa kulū minhā wa aṭ‘imul-qāni‘a wal-mu‘tarr(a), każālika sakhkharnāhā lakum la‘allakum tasykurūn(a).
[36]
Kami ngajadikeun éta onta-onta pikeun aranjeun minangka bagian tina si’ar-si’ar agama Allah. Pikeun aranjeun aya kahadéan ti dinya. Ku kituna, geura sebut jenengan Allah (waktu aranjeun rék meuncitna, sedengkeun éta onta téh) dina kaayaan nangtung 582 (jeung geus ditalian sukuna). Tuluy upama geus rubuh (paéh), pék geura dalahar sawaréh tina éta (peupeuncitan) téh jeung béré dahar boh jalma-jalma nu tumarima kana saayana (nu teu ménta) boh nu marénta. Tah nya kitu pisan Kami geus nundukkeun éta (onta-onta) ka aranjeun sangkan sukuran.
582) Biasana onta dipeucit dina kaayaan bari nangtung.
لَنْ يَّنَالَ اللّٰهَ لُحُوْمُهَا وَلَا دِمَاۤؤُهَا وَلٰكِنْ يَّنَالُهُ التَّقْوٰى مِنْكُمْۗ كَذٰلِكَ سَخَّرَهَا لَكُمْ لِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ ۗ وَبَشِّرِ الْمُحْسِنِيْنَ٣٧
Lay yanālallāha luḥūmuhā wa lā dimā'uhā wa lākiy yanāluhut-taqwā minkum, każālika sakhkharahā lakum litukabbirullāha ‘alā mā hadākum, wa basysyiril-muḥsinīn(a).
[37]
Daging-daging (kurban) jeung getihna moal pisan nepi ka Allah, da anu bakal tepi ka Mantenna mah katakwaan aranjeun. Nya kitu pisan Mantenna geus nundukkeun éta (kurban) keur aranjeun sangkan ngagungkeun Allah alatan pituduh nu dipaparinkeun ka aranjeun. Pék geura tepikeun pangbubungah ka jalma-jalma nu migawé kahadéan.
۞ اِنَّ اللّٰهَ يُدَافِعُ عَنِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْاۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ كُلَّ خَوَّانٍ كَفُوْرٍ ࣖ٣٨
Innallāha yudāfi‘u ‘anil-lażīna āmanū, innallāha lā yuḥibbu kulla khawwānin kafūr(in).
[38]
Saleresna Allah ngabéla jalma-jalina nu iman. Saleresna Allah henteu mikaresep ka sakur jalma nu sok hianat (tur) kupur ni’mat.
اُذِنَ لِلَّذِيْنَ يُقَاتَلُوْنَ بِاَنَّهُمْ ظُلِمُوْاۗ وَاِنَّ اللّٰهَ عَلٰى نَصْرِهِمْ لَقَدِيْرٌ ۙ٣٩
Użina lil-lażīna yuqātalūna bi'annahum ẓulimū, wa innallāha ‘alā naṣrihim laqadīr(un).
[39]
Diidinan (perang) ka jalma-jalma nu diperangan lantaran geus dikaniaya. Saleresna Allah Mahakawasa pikeun mélaan aranjeunna,
ۨالَّذِيْنَ اُخْرِجُوْا مِنْ دِيَارِهِمْ بِغَيْرِ حَقٍّ اِلَّآ اَنْ يَّقُوْلُوْا رَبُّنَا اللّٰهُ ۗوَلَوْلَا دَفْعُ اللّٰهِ النَّاسَ بَعْضَهُمْ بِبَعْضٍ لَّهُدِّمَتْ صَوَامِعُ وَبِيَعٌ وَّصَلَوٰتٌ وَّمَسٰجِدُ يُذْكَرُ فِيْهَا اسْمُ اللّٰهِ كَثِيْرًاۗ وَلَيَنْصُرَنَّ اللّٰهُ مَنْ يَّنْصُرُهٗۗ اِنَّ اللّٰهَ لَقَوِيٌّ عَزِيْزٌ٤٠
Allażīna ukhrijū min diyārihim bigairi ḥaqqin illā ay yaqūlū rabbunallāh(u), wa lau lā daf‘ullāhin-nāsa ba‘ḍahum biba‘ḍil lahuddimat ṣawāmi‘u wa biya‘uw wa ṣalawātuw wa masājidu yużkaru fīhasmullāhi kaṡīrā(n), wa layanṣurannallāhu may yanṣuruh(ū), innallāha laqawiyyun ‘azīz(un).
[40]
(nyaéta) jalma-jalma nu geus diusir ti lembur-lemburna tanpa alesan anu bener, ngan pédah aranjeunna ngucapkeun kieu, “Pangéran abdi sadaya téh nyaéta Allah.” Upama Allah henteu nolak (kabengisan) sawaréh manusa ku nu sawaréhana deui mah, tangtu geus diruntuhkeun wihara-wihara Yahudi, garéja-garéja Nasrani, jeung sinagogé-sinagogé Majusi, jeung masjid-masjid nu di jerona mindeng disebut-sebut jenengan Allah. Allah pasti nulungan jalma nu buméla ka (agama) Mantenna. Saleresna Allah Mahakuat (tur) Mahagagah.
اَلَّذِيْنَ اِنْ مَّكَّنّٰهُمْ فِى الْاَرْضِ اَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتَوُا الزَّكٰوةَ وَاَمَرُوْا بِالْمَعْرُوْفِ وَنَهَوْا عَنِ الْمُنْكَرِۗ وَلِلّٰهِ عَاقِبَةُ الْاُمُوْرِ٤١
Allażīna im makkannāhum fil-arḍi aqāmuṣ-ṣalāta wa ātawuz-zakāta wa amarū bil-ma‘rūfi wa nahau ‘anil-munkar(i), wa lillāhi ‘āqibatul-umūr(i).
[41]
(Nyaéta) jalma-jalma anu upama ku Kami dipaparinan kamerenahan (hirup) di ieu bumi, aranjeunna sok ngadegkeun salat, nyumponan jakat, jeung nitah milampah nu ma’rup jeung nyarék milampah nu mungkar. Wungkul ka Allah mulangna sagala perkara.
وَاِنْ يُّكَذِّبُوْكَ فَقَدْ كَذَّبَتْ قَبْلَهُمْ قَوْمُ نُوْحٍ وَّعَادٌ وَّثَمُوْدُ ۙ٤٢
Wa iy yukażżibūka faqad każżabat qablahum qaumu nūḥiw wa ‘āduw wa ṡamūd(u).
[42]
Upama maranéhna (jalma-jalma musrik) ngabohongkeun ka hidep (Muhammad), saenyana saméméhna ogé kaom-kaom, kaom Nuh, kaom ‘Ad, jeung kaom Samud geus ngabohongkeun (ka para rasul-Na).
وَقَوْمُ اِبْرٰهِيْمَ وَقَوْمُ لُوْطٍ ۙ٤٣
Wa qaumu ibrāhīma wa qaumu lūṭ(in).
[43]
(Nya kitu deui) kaom Ibrahim jeung kaom Lut.
وَّاَصْحٰبُ مَدْيَنَۚ وَكُذِّبَ مُوْسٰى فَاَمْلَيْتُ لِلْكٰفِرِيْنَ ثُمَّ اَخَذْتُهُمْۚ فَكَيْفَ كَانَ نَكِيْرِ٤٤
Wa aṣḥābu madyan(a), wa kużżiba mūsā fa amlaitu lil-kāfirīna ṡumma akhażtuhum, fa kaifa kāna nakīr(i).
[44]
(Nya kitu deui) pangeusi nagri Madyan. Musa (ogé) geus dibohongkeun. Ngan Kami maparin témpo ka jalma-jalma kapir, tuluy ti dinya Kami nyiksa maranéhna. Nya pohara kuatna ingkarna Kami (kana sikep maranéhna) téh.
فَكَاَيِّنْ مِّنْ قَرْيَةٍ اَهْلَكْنٰهَا وَهِيَ ظَالِمَةٌ فَهِيَ خَاوِيَةٌ عَلٰى عُرُوْشِهَاۖ وَبِئْرٍ مُّعَطَّلَةٍ وَّقَصْرٍ مَّشِيْدٍ٤٥
Fa ka'ayyim min qaryatin ahlaknāhā wa hiya ẓālimatun fa hiya khāwiyatun ‘alā ‘urūsyihā, wa bi'rim mu‘aṭṭalatiw wa qaṣrim masyīd(in).
[45]
Sakitu loba nagri nu geus dibinasakeun ku Kami alatan (pangeusi)na dolim, nepi ka wangunan-wangunana bra-bru patingjarungkel jeung (sakitu loba ogé) sumur nu patulayah jeung istana nu jangkung (nu ditinggalkeun).
اَفَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَتَكُوْنَ لَهُمْ قُلُوْبٌ يَّعْقِلُوْنَ بِهَآ اَوْ اٰذَانٌ يَّسْمَعُوْنَ بِهَاۚ فَاِنَّهَا لَا تَعْمَى الْاَبْصَارُ وَلٰكِنْ تَعْمَى الْقُلُوْبُ الَّتِيْ فِى الصُّدُوْرِ٤٦
Afalam yasīrū fil-arḍi fa takūna lahum qulūbuy ya‘qilūna bihā au āżānuy yasma‘ūna bihā, fa innahā lā ta‘mal-abṣāru wa lākin ta‘mal-qulūbul-latī fiṣ-ṣudūr(i).
[46]
Naha atuh maranéhna henteu ngalalana di ieu bumi nepi ka haténa bisa ngarti atawa ceulina bisa ngadéngé? Saenyana nu lolong mah lain panon, tapi haté nu aya dina dada.
وَيَسْتَعْجِلُوْنَكَ بِالْعَذَابِ وَلَنْ يُّخْلِفَ اللّٰهُ وَعْدَهٗۗ وَاِنَّ يَوْمًا عِنْدَ رَبِّكَ كَاَلْفِ سَنَةٍ مِّمَّا تَعُدُّوْنَ٤٧
Wa yasta‘jilūnaka bil-‘ażābi wa lay yukhlifallāhu wa‘dah(ū), wa inna yauman ‘inda rabbika ka'alfi sanatim mimmā ta‘uddūn(a).
[47]
Maranéhna (kaom musrikin Mekah) ménta ka hidep (Muhammad) sangkan buru-buru ditibanan siksa, padahal Allah moal pisan nyulayaan jangji-Na. Saenyana sapoé mungguh Pangéran hidep mah sarua jeung sarébu taun nurutkeun itungan maranéh.
وَكَاَيِّنْ مِّنْ قَرْيَةٍ اَمْلَيْتُ لَهَا وَهِيَ ظَالِمَةٌ ثُمَّ اَخَذْتُهَاۚ وَاِلَيَّ الْمَصِيْرُ ࣖ٤٨
Wa ka'ayyim min qaryatin amlaitu lahā wa hiya ẓālimatun ṡumma akhażtuhā, wa ilayyal-maṣīr(u).
[48]
Sakitu loba nagri anu ku Kami diengkékeun (siksaan)ana, padahal pangeusina darolim, tuluy Kami nibankeun siksaan ka maranéhna. Ka Kami wungkul geusan mulang (sadaya perkara).
قُلْ يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اِنَّمَآ اَنَا۠ لَكُمْ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ ۚ٤٩
Qul yā ayyuhan-nāsu innamā ana lakum nażīrum mubīn(un).
[49]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Hé manusa, saenyana kuring téh taya lian iwal ti nu méré pépéling nu jelas ka aranjeun.”
فَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّرِزْقٌ كَرِيْمٌ٥٠
Fal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti lahum magfiratuw wa rizqun karīm(un).
[50]
Nya jalma-jalma nu iman jeung milampah amal soléh pasti meunang pangampura jeung rejeki anu mulya (halal tur nyugemakeun).
وَالَّذِيْنَ سَعَوْا فِيْٓ اٰيٰتِنَا مُعٰجِزِيْنَ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَحِيْمِ٥١
Wal-lażīna sa‘au fī āyātinā mu‘ājizīna ulā'ika aṣḥābul-jaḥīm(i).
[51]
Anapon jalma-jalma anu mungkir kana ayat-ayat Kami kalayan boga maksud ngahéngkérkeun (kahayang pikeun iman), maranéhna mah pangeusi (naraka) Jahim.
وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ مِنْ رَّسُوْلٍ وَّلَا نَبِيٍّ اِلَّآ اِذَا تَمَنّٰىٓ اَلْقَى الشَّيْطٰنُ فِيْٓ اُمْنِيَّتِهٖۚ فَيَنْسَخُ اللّٰهُ مَا يُلْقِى الشَّيْطٰنُ ثُمَّ يُحْكِمُ اللّٰهُ اٰيٰتِهٖۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ ۙ٥٢
Wa mā arsalnā min qablika mir rasūliw wa lā nabiyyin illā iżā tamannā alqasy-syaiṭānu fī umniyyatih(ī), fa yansakhullāhu mā yulqisy-syaiṭānu ṡumma yuḥkimullāhu āyātih(ī), wallāhu ‘alīmun ḥakīm(un).
[52]
Kami teu ngutus hiji rasul jeung teu (ogé) saurang nabi saméméh hidep (Muhammad), anging upama éta rasul téh jorojoy boga kahayang, 583 der baé sétan-sétan ngasupkeun (godaan-godaan) kana kahayangna. Tuluy Allah ngaleungitkeun naon nu diasupkeun ku éta (sétan) sarta mengkuhkeun ayat-ayat-Na (dina jero haté jalma-jalma mu’min). Saleresna Allah mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
583) Sawaréh ahli tapsir ngahartikeun kecap tamannā ku “maca” jeung umniyyatihi ku “bacaanana.” Nyaéta waktu Nabi Saw. maos hiji ayat nu eusina méré naséhat ka jalma-jalma kapir, aranjeunna gancang nuturkeun bacaan Nabi Saw. bari ditambahan ku kecap-kecap nu nguatan kayakinana.
لِّيَجْعَلَ مَا يُلْقِى الشَّيْطٰنُ فِتْنَةً لِّلَّذِيْنَ فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌ وَّالْقَاسِيَةِ قُلُوْبُهُمْۗ وَاِنَّ الظّٰلِمِيْنَ لَفِيْ شِقَاقٍۢ بَعِيْدٍ ۙ٥٣
Liyaj‘ala mā yulqisy-syaiṭānu fitnatal lil-lażīna fī qulūbihim maraḍuw wal-qāsiyati qulūbuhum, wa innaẓ-ẓālimīna lafī syiqāqim ba‘īd(in).
[53]
Mantenna (Allah) ngersakeun pikeun ngajadikeun gangguan sétan minangka cocoba keur jalma-jalma anu dina haténa aya kasakit jeung nu teuas haténa. Saenyana jalma-jalma anu dolim téh aya dina papaséaan anu jauh (tina bebeneran),
وَّلِيَعْلَمَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ اَنَّهُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ فَيُؤْمِنُوْا بِهٖ فَتُخْبِتَ لَهٗ قُلُوْبُهُمْۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَهَادِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٥٤
Wa liya‘lamal-lażīna ūtul-‘ilma annahul-ḥaqqu mir rabbika fa yu'minū bihī fa tukhbita lahū qulūbuhum, wa innallāha lahādil-lażīna āmanū ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[54]
sangkan jalma-jalma anu geus dipaparinan élmu téh nyahoeun yén saenyana éta (Al-Qur‘an) téh bener ti Pangéran hidep, nepi ka aranjeunna iman tur haténa tunduk. Saleresna Allah téh Maha Maparin pituduh ka jalma-jalma nu iman kana jalan nu lempeng.
وَلَا يَزَالُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فِيْ مِرْيَةٍ مِّنْهُ حَتّٰى تَأْتِيَهُمُ السَّاعَةُ بَغْتَةً اَوْ يَأْتِيَهُمْ عَذَابُ يَوْمٍ عَقِيْمٍ٥٥
Wa lā yazālul-lażīna kafarū fī miryatim minhu ḥattā ta'tiyahumus-sā‘atu bagtatan au ya'tiyahum ‘ażābu yaumin ‘aqīm(in).
[55]
Jalma-jalma kapir mah salawasna mangmang kana éta perkara (Al-Qur’an) téh, nepi ka waktu (ajalna) datang ngadadak ka maranéhna, atawa siksa Poé Kiamat nu datang ka maranéhna.
اَلْمُلْكُ يَوْمَىِٕذٍ لِّلّٰهِ ۗيَحْكُمُ بَيْنَهُمْۗ فَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ فِيْ جَنّٰتِ النَّعِيْمِ٥٦
Al-mulku yauma'iżil lillāh(i), yaḥkumu bainahum, fal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti fī jannātin na‘īm(i).
[56]
Sagala kakawasaan dina éta poé téh wungkul kagungan Allah. Mantenna maparin putusan ti antara maranéhna. Nya jalma-jalma nu iman tur milampah amal soléh aya di sawarga-sawarga Na`im (nu pinuh ku kani’matan).
وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا فَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ ࣖ٥٧
Wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā fa ulā'ika lahum ‘ażābum muhīn(un).
[57]
Sedengkeun jalma-jalma anu kupur jeung ngabohongkeun ayat-ayat Kami mah pasti meunang siksa nu ngahinakeun.
وَالَّذِيْنَ هَاجَرُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ثُمَّ قُتِلُوْٓا اَوْ مَاتُوْا لَيَرْزُقَنَّهُمُ اللّٰهُ رِزْقًا حَسَنًاۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَهُوَ خَيْرُ الرّٰزِقِيْنَ٥٨
Wal-lażīna hājarū fī sabīlillāhi ṡumma qutilū au mātū layarzuqannahumullāhu rizqan ḥasanā(n), wa innallāha lahuwa khairur-rāziqīn(a).
[58]
Jalma-jalma anu hijrah di jalan Allah, tuluy gugur atawa maot (dina pangperangan), tangtu Allah maparin ka aranjeunna rejeki anu hadé (sawarga). Saleresna Allah pangsaé-saéna nu maparin rejeki.
لَيُدْخِلَنَّهُمْ مُّدْخَلًا يَّرْضَوْنَهٗۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَعَلِيْمٌ حَلِيْمٌ٥٩
Layudkhilannahum mudkhalay yarḍaunah(ū), wa innallāha la‘alīmun ḥalīm(un).
[59]
Saenyana Mantenna (Allah) bakal ngalebetkeun aranjeunna kana tempat (sawarga) anu dipidangdam ku aranjeunna. Saleresna Allah Mahauninga (tur) Mahasantun.
۞ ذٰلِكَ وَمَنْ عَاقَبَ بِمِثْلِ مَا عُوْقِبَ بِهٖ ثُمَّ بُغِيَ عَلَيْهِ لَيَنْصُرَنَّهُ اللّٰهُ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَعَفُوٌّ غَفُوْرٌ٦٠
Żālika wa man ‘āqaba bimiṡli mā ‘ūqiba bihī ṡumma bugiya ‘alaihi layanṣurannahullāh(u), innallāha la‘afuwwun gafūr(un).
[60]
Tah jiga kitu ayana. Saha baé nu ngawales imbang jeung (kadoliman) panganiayaan nu kungsi karandapan ku anjeunna tuluy didoliman (deui), pasti bakal ditulungan ku Allah. Saleresna Allah Maha Maparin-pangampura (tur) Maha Jembar-pangampura.
ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ يُوْلِجُ الَّيْلَ فِى النَّهَارِ وَيُوْلِجُ النَّهَارَ فِى الَّيْلِ وَاَنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌۢ بَصِيْرٌ٦١
Żālika bi'annallāha yūlijul-laila fin-nahāri wa yūlijun-nahāra fil-laili wa annallāha samī‘um baṣīr(un).
[61]
Kitu téh ku sabab saleresna Allah ngasupkeun peuting kana beurang jeung ngasupkeun beurang kana peuting. Saleresna Allah téh Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْحَقُّ وَاَنَّ مَا يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ هُوَ الْبَاطِلُ وَاَنَّ اللّٰهَ هُوَ الْعَلِيُّ الْكَبِيْرُ٦٢
Żālika bi'annallāha huwal-ḥaqqu wa anna mā yad‘ūna min dūnihī huwal-bāṭilu wa annallāha huwal-‘aliyyul-kabīr(u).
[62]
Kitu téh sabab saleresna Allah téh nya Mantenna Nu Mahabener, sabab saenyana sakabéh nu diibadahan ku maranéhna salian ti Mantenna téh éta batil, jeung sabab saleresna Allah Mahaluhung (tur) Mahaagung.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۖ فَتُصْبِحُ الْاَرْضُ مُخْضَرَّةًۗ اِنَّ اللّٰهَ لَطِيْفٌ خَبِيْرٌ ۚ٦٣
Alam tara annallāha anzala minas-samā'i mā'ā(n), fa tuṣbiḥul-arḍu mukhḍarrah(tan), innallāha laṭīfun khabīr(un).
[63]
Naha hidep henteu nyaho yén saleresna Allah nu nurunkeun cai (hujan) ti langit nepi ka bumi jadi héjo? Saleresna Allah Maha Lemah-lembut (tur) Mahawaspada.
لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَاِنَّ اللّٰهَ لَهُوَ الْغَنِيُّ الْحَمِيْدُ ࣖ٦٤
Lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa innallāha lahuwal-ganiyyul-ḥamīd(u).
[64]
Kagungan Mantenna wungkul sakabéh nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Saleresna Allah téh Mahasugih (tur) Mahapinuji.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ سَخَّرَ لَكُمْ مَّا فِى الْاَرْضِ وَالْفُلْكَ تَجْرِيْ فِى الْبَحْرِ بِاَمْرِهٖۗ وَيُمْسِكُ السَّمَاۤءَ اَنْ تَقَعَ عَلَى الْاَرْضِ اِلَّا بِاِذْنِهٖۗ اِنَّ اللّٰهَ بِالنَّاسِ لَرَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ٦٥
Alam tara annallāha sakhkhara lakum mā fil-arḍi wal-fulka tajrī fil-baḥri bi'amrih(ī), wa yumsikus-samā'a an taqa‘a ‘alal-arḍi illā bi'iżnih(ī), innallāha bin-nāsi lara'ūfur raḥīm(un).
[65]
Naha hidep henteu nyaho yén saleresna Allah nundukkeun pikeun maranéh (manusa) saeusining bumi jeung parahu-parahu nu lalayaran di lautan kalayan timbalana-Na. Sarta Mantenna nahan (barang-barang) ti langit sangkan teu ragrag ka bumi anging kalayan widi-Na? Saleresna Allah Mahahéman (tur) Mahaasih ka manusa.
وَهُوَ الَّذِيْٓ اَحْيَاكُمْ ۖ ثُمَّ يُمِيْتُكُمْ ثُمَّ يُحْيِيْكُمْۗ اِنَّ الْاِنْسَانَ لَكَفُوْرٌ٦٦
Wa huwal-lażī aḥyākum, ṡumma yumītukum ṡumma yuḥyīkum, innal-insāna lakafūr(un).
[66]
Nya Mantenna nu ngahirupkeun maranéh, tuluy ngamaotkeun, tuluy ngahirupkeun maranéh (dina poé dihudangkeun deui). Saenyana manusa téh bener-bener kacida kupurna.
لِكُلِّ اُمَّةٍ جَعَلْنَا مَنْسَكًا هُمْ نَاسِكُوْهُ فَلَا يُنَازِعُنَّكَ فِى الْاَمْرِ وَادْعُ اِلٰى رَبِّكَۗ اِنَّكَ لَعَلٰى هُدًى مُّسْتَقِيْمٍ٦٧
Likulli ummatin ja‘alnā mansakan hum nāsikūhu falā yunāzi‘unnaka fil-amri wad‘u ilā rabbik(a), innaka la‘alā hudam mustaqīm(in).
[67]
Pikeun saban-saban umat, Kami geus netepkeun saréat nu tangtu (nu kudu) diamalkeun ku maranéhna. Ku kituna, teu pantes pisan maranéhna silih bantahan jeung hidep dina éta perkara (saréat) jeung geura ajak (maranéhna) ka Pangéran hidep. Saenyana hidep (Muhammad) téh aya dina jalan nu lempeng.
وَاِنْ جَادَلُوْكَ فَقُلِ اللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ٦٨
Wa in jādalūka fa qulillāhu a‘lamu bimā ta‘malūn(a).
[68]
Upama maranéhna ngabantah ka hidep, pok caritakeun, “Allah langkung uninga kana sakabéh nu dipilampah ku maranéh.”
اَللّٰهُ يَحْكُمُ بَيْنَكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كُنْتُمْ فِيْهِ تَخْتَلِفُوْنَ٦٩
Allāhu yaḥkumu bainakum yaumal-qiyāmati fīmā kuntum fīhi takhtalifūn(a).
[69]
Allah bakal nangtukeun hukum di antara maranéh dina Poé Kiamat ngeunaan nu baheula ku maranéh dipasaliakeun.
اَلَمْ تَعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا فِى السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۗ اِنَّ ذٰلِكَ فِيْ كِتٰبٍۗ اِنَّ ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ يَسِيْرٌ٧٠
Alam ta‘lam annallāha ya‘lamu mā fis-samā'i wal-arḍ(i), inna żālika fī kitāb(in), inna żālika ‘alallāhi yasīr(un).
[70]
Naha hidep teu nyaho yén saleresna Allah uninga kana sakabéh nu aya di langit jeung nu aya di bumi? Saenyana hal éta téh geus kaunggel dina kitab (Loh Mahpud). Saenyana éta perkara téh gampang kanggo Allah mah.
وَيَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَمْ يُنَزِّلْ بِهٖ سُلْطٰنًا وَّمَا لَيْسَ لَهُمْ بِهٖ عِلْمٌ ۗوَمَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ نَّصِيْرٍ٧١
Wa ya‘budūna min dūnillāhi mā lam yunazzil bihī sulṭānaw wa mā laisa lahum bihī ‘ilm(un), wa mā liẓ-ẓālimīna min naṣīr(in).
[71]
Maranéhna ibadah ka salian ti Allah tanpa (didasaran) bukti nu diturunkeun ku Mantenna (ngeunaan éta), sarta maranéhna (ogé) henteu boga pangaweruh kana éta perkara. Moal aya pisan nu nulungan ka jalma-jalma nu dolim mah.
وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا بَيِّنٰتٍ تَعْرِفُ فِيْ وُجُوْهِ الَّذِيْنَ كَفَرُوا الْمُنْكَرَۗ يَكَادُوْنَ يَسْطُوْنَ بِالَّذِيْنَ يَتْلُوْنَ عَلَيْهِمْ اٰيٰتِنَاۗ قُلْ اَفَاُنَبِّئُكُمْ بِشَرٍّ مِّنْ ذٰلِكُمْۗ اَلنَّارُۗ وَعَدَهَا اللّٰهُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ ࣖ٧٢
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyinātin ta‘rifu fī wujūhil-lażīna kafarul-munkar(a), yakādūna yasṭūna bil-lażīna yatlūna ‘alaihim āyātinā, qul afa unabbi'ukum bisyarrim min żālikum, an-nār(u), wa‘adahallāhul-lażīna kafarū, wa bi'sal-maṣīr(u).
[72]
Upama dibacakeun ayat-ayat Kami nu jelas di hareupeun maranéhna, bréh baé ku hidep bakal katémbong (tanda-tanda) kaingkaranana dina beungeut éta jalma-jalma kapir. Méh baé maranéhna narajang ka jalma-jalma nu macakeun ayat-ayat Kami ka maranéhna. Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha hayang diterangkeun ka maranéh ku kuring (sakabéh) nu leuwih goréng tibatan éta, (nyaéta) seuneu naraka?” Allah geus mépélingan (naraka) pikeun jalma-jalma kapir. (Éta naraka) téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.
يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ ضُرِبَ مَثَلٌ فَاسْتَمِعُوْا لَهٗ ۗاِنَّ الَّذِيْنَ تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ لَنْ يَّخْلُقُوْا ذُبَابًا وَّلَوِ اجْتَمَعُوْا لَهٗ ۗوَاِنْ يَّسْلُبْهُمُ الذُّبَابُ شَيْـًٔا لَّا يَسْتَنْقِذُوْهُ مِنْهُۗ ضَعُفَ الطَّالِبُ وَالْمَطْلُوْبُ٧٣
Yā ayyuhan-nāsu ḍuriba maṡalum fastami‘ū lah(ū), innal-lażīna tad‘ūna min dūnillāhi lay yakhluqū żubābaw wa lawijtama‘ū lah(ū), wa iy yaslubhumuż-żubābu syai'al lā yastanqiżūhu minh(u), ḍa‘ufaṭ-ṭālibu wal-maṭlūb(u).
[73]
Hé manusa, hiji paupamaan geus dijieun. Ku kituna, pék geura regepkeun! Saenyana sakabéh nu ku maranéhna disambat salian ti Allah téh henteu bisaeun nyieun laleur-laleur acan, sanajan nyarieunna téh réréongan. Upama éta laleur téh ngarampas hiji perkara ti maranéhna, maranéhna téh moal bisa ngarebut deui ti éta laleur. Sarua pohara apesna nu nyarembah jeung nu disembah.
مَا قَدَرُوا اللّٰهَ حَقَّ قَدْرِهٖۗ اِنَّ اللّٰهَ لَقَوِيٌّ عَزِيْزٌ٧٤
Wa mā qadarullāha ḥaqqa qadrih(ī), innallāha laqawiyyun ‘azīz(un).
[74]
Maranéhna henteu ngagungkeun Allah ku cara nu sabenerna. Saleresna Allah téh Mahakuat (tur) Mahagagah
اَللّٰهُ يَصْطَفِيْ مِنَ الْمَلٰۤىِٕكَةِ رُسُلًا وَّمِنَ النَّاسِۗ اِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌۢ بَصِيْرٌ ۚ٧٥
Allāhu yaṣṭafī minal-malā'ikati rusulaw wa minan-nās(i), innallāha samī‘um baṣīr(un).
[75]
Allah milih utusan-utusana-Na ti antara malaikat jeung ti manusa. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Maha Ningali.
يَعْلَمُ مَا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْۗ وَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ٧٦
Ya‘lamu mā baina aidīhim wa mā khalfahum, wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[76]
Mantenna uninga kana sakabéh nu nyampak di hareupeun maranéhna jeung sakabéh nu di tukangeun maranéhna. Nya ka Allah wungkul dipulangkeunana sagala perkara téh.
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا ارْكَعُوْا وَاسْجُدُوْا وَاعْبُدُوْا رَبَّكُمْ وَافْعَلُوا الْخَيْرَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ ۚ۩٧٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanurka‘ū wasjudū wa‘budū rabbakum waf‘alul-khaira la‘allakum tufliḥūn(a).
[77]
Hé jalma-jalma nu iman, prak geura ruku, sujud, jeung sembah Pangéran aranjeun, sarta prak geura pilampah kahadéan sangkan aranjeun meunang kabagjaan!
وَجَاهِدُوْا فِى اللّٰهِ حَقَّ جِهَادِهٖۗ هُوَ اجْتَبٰىكُمْ وَمَا جَعَلَ عَلَيْكُمْ فِى الدِّيْنِ مِنْ حَرَجٍۗ مِلَّةَ اَبِيْكُمْ اِبْرٰهِيْمَۗ هُوَ سَمّٰىكُمُ الْمُسْلِمِيْنَ ەۙ مِنْ قَبْلُ وَفِيْ هٰذَا لِيَكُوْنَ الرَّسُوْلُ شَهِيْدًا عَلَيْكُمْ وَتَكُوْنُوْا شُهَدَاۤءَ عَلَى النَّاسِۖ فَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ وَاعْتَصِمُوْا بِاللّٰهِ ۗهُوَ مَوْلٰىكُمْۚ فَنِعْمَ الْمَوْلٰى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ ࣖ ۔٧٨
Wa jāhidū fillāhi ḥaqqa jihādih(ī), huwajtabākum wa mā ja‘ala ‘alaikum fid-dīni min ḥaraj(in), millata abīkum ibrāhīm(a), huwa sammākumul-muslimīn(a), min qablu wa fī hāżā liyakūnar-rasūlu syahīdan ‘alaikum wa takūnū syuhadā'a ‘alan-nās(i), fa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta wa‘taṣimū billāh(i), huwa maulākum, fa ni‘mal-maulā wa ni‘man-naṣīr(u).
[78]
Jung aranjeun geura jihad dina jalan Allah ku jihad nu sabenerna. Mantenna geus milih aranjeun sarta henteu ngajadikeun karupekan saeutik ogé dina éta agama pikeun aranjeun. (Tuturkeun) agama karuhun aranjeun, Ibrahim. Mantenna (Allah) nu geus maparin gelar jalmi-jalmi muslim ka aranjeun ti baheula kénéh, jeung (nya kitu deui) dina ieu (Al-Qur’an), sangkan Rasul (Muhammad) téh jadi saksi pikeun aranjeun jeung sangkan aranjeun ogé jadi saksi pikeun sakumna manusa. Nya prak geura adegkeun salat, cumponan jakat, jeung geura muntang sing pageuh kana tali Allah. Mantenna téh nu nangtayungan aranjeun. Mantenna nu pangsaé-saéna anu nangtayungan sareng pangsaé-saéna anu nulungan.