Surah Al-Anbiya

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اِقْتَرَبَ لِلنَّاسِ حِسَابُهُمْ وَهُمْ فِيْ غَفْلَةٍ مُّعْرِضُوْنَ ۚ١
Iqtaraba lin-nāsi ḥisābuhum wa hum fī gaflatim mu‘riḍūn(a).
[1] Geus beuki deukeut ka manusa (poé) hisaban sagala (amal)na, bari maranéhna campoléh (tur) ngabalieur (tina éta poé).

مَا يَأْتِيْهِمْ مِّنْ ذِكْرٍ مِّنْ رَّبِّهِمْ مُّحْدَثٍ اِلَّا اسْتَمَعُوْهُ وَهُمْ يَلْعَبُوْنَ ۙ٢
Mā ya'tīhim min żikrim mir rabbihim muḥdaṡin illastama‘ūhu wa hum yal‘abūn(a).
[2] Teu pati-pati diturunkeun ka maranéhna pépéling nu anyar ti Pangéranana, kajaba maranéhna ngadéngékeunana téh bari heureuy.

لَاهِيَةً قُلُوْبُهُمْۗ وَاَسَرُّوا النَّجْوَىۖ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْاۖ هَلْ هٰذَآ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُكُمْۚ اَفَتَأْتُوْنَ السِّحْرَ وَاَنْتُمْ تُبْصِرُوْنَ٣
Lāhiyatan qulūbuhum, wa asarrun-najwal-lażīna ẓalamū, hal hāżā illā basyarum miṡlukum, afa ta'tūnas-siḥra wa antum tubṣirūn(a).
[3] Haté maranéhna teu maliré. Jalma-jalma nu dolim téh ngarasiahkeun caritaanana (ngaharéwoskeun), “Apan ieu (jalma/Muhammad) téh ukur manusa biasa (ogé) saperti aranjeun. Naha aranjeun narima éta sihir, 563 padahal aranjeun nyaksian sorangan?”
563) Nu dimaksud ku maranéhna sihir di dieu téh nyaéta ayat-ayat Al-Qur'an.

قٰلَ رَبِّيْ يَعْلَمُ الْقَوْلَ فِى السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِۖ وَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٤
Qāla rabbī ya‘lamul-qaula fis-samā'i wal-arḍ(i), wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[4] Anjeunna (Muhammad) nyarios, “Pangéran kuring uningaeun kana (sagala rupa) omongan di langit jeung di bumi. Da Mantenna Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.”

بَلْ قَالُوْٓا اَضْغَاثُ اَحْلَامٍۢ بَلِ افْتَرٰىهُ بَلْ هُوَ شَاعِرٌۚ فَلْيَأْتِنَا بِاٰيَةٍ كَمَآ اُرْسِلَ الْاَوَّلُوْنَ٥
Bal qālū aḍgāṡu aḥlāmim baliftarāhu bal huwa syā‘ir(un), falya'tinā bi'āyatin kamā ursilal-awwalūn(a).
[5] Maranéhna malah nyarita ogé, “Éta (Al-Qur’an) téh impian-impian kosong, malah manéhna (Muhammad) geus jijieunan. Malah manéhna téh ngan ukur tukang sa’ir. Cing manéhna sina ngadatangkeun hiji tanda (bukti mangrupa mujijat) ka urang saréréa, sakumaha rasul-rasul nu geus diutus ti heula.”

مَآ اٰمَنَتْ قَبْلَهُمْ مِّنْ قَرْيَةٍ اَهْلَكْنٰهَاۚ اَفَهُمْ يُؤْمِنُوْنَ٦
Mā āmanat qablahum min qaryatin ahlaknāhā, afahum yu'minūn(a).
[6] Pangeusi nagri saméméh maranéhna nu geus dibinasakeun ku Kami téh teu iman (sanajan Kami geus ngadatangkeun bukti-bukti). Naha maranéhna (pangeusi nagri Mekah) rék iman (lamun seug Kami ngadatangkeun bukti)?

وَمَآ اَرْسَلْنَا قَبْلَكَ اِلَّا رِجَالًا نُّوْحِيْٓ اِلَيْهِمْ فَسْـَٔلُوْٓا اَهْلَ الذِّكْرِ اِنْ كُنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ٧
Wa mā arsalnā qablaka illā rijālan nūḥī ilaihim fas'alū ahlaż-żikri in kuntum lā ta‘lamūn(a).
[7] Kami teu kungsi ngutus (rasul-rasul) saméméh hidep (Muhammad), kajaba lalaki-lalaki anu dipaparinan wahyu ku Kami ka aranjeunna. Ku kituna, pék tanyakeun ka jalma-jalma nu boga élmu upama maranéh teu nyaho mah

وَمَا جَعَلْنٰهُمْ جَسَدًا لَّا يَأْكُلُوْنَ الطَّعَامَ وَمَا كَانُوْا خٰلِدِيْنَ٨
Wa mā ja‘alnāhum jasadal lā ya'kulūnaṭ-ṭa‘āma wa mā kānū khālidīn(a).
[8] Kami henteu ngajadikeun aranjeunna (rasul-rasul) waruga-waruga nu teu butuh tuangeun. Aranjeunna (ogé) henteu hirup langgeng.

ثُمَّ صَدَقْنٰهُمُ الْوَعْدَ فَاَنْجَيْنٰهُمْ وَمَنْ نَّشَاۤءُ وَاَهْلَكْنَا الْمُسْرِفِيْنَ٩
Ṡumma ṣadaqnāhumul-wa‘da fa anjaināhum wa man nasyā'u wa ahlaknal-musrifīn(a).
[9] Tuluy Kami nyumponan jangji ka aranjeunna (rasul-rasul). Nya Kami nyalametkeunana jeung jalma-jalma anu ku Kami dikersakeun, sarta Kami ngabinasakeun jalma-jalma nu ngaliwatan wates.

لَقَدْ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكُمْ كِتٰبًا فِيْهِ ذِكْرُكُمْۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ ࣖ١٠
Laqad anzalnā ilaikum kitāban fīhi żikrukum, afalā ta‘qilūn(a).
[10] Sabenerna Kami geus nurunkeun ka maranéh hiji Kitab (Al-Qur’an) nu eusina ngandung pépéling pikeun maranéh. Naha maranéh teu ngagunakeun akal?

وَكَمْ قَصَمْنَا مِنْ قَرْيَةٍ كَانَتْ ظَالِمَةً وَّاَنْشَأْنَا بَعْدَهَا قَوْمًا اٰخَرِيْنَ١١
Wa kam qaṣamnā min qaryatin kānat ẓālimataw wa ansya'nā ba‘dahā qauman ākharīn(a).
[11] Sakitu lobana (pangeusi) nagri nu darolim nu geus dibinasakeun ku Kami. Kami ngajadikeun kaom nu séjén sanggeus maranéhna (nu jadi gagantina).

فَلَمَّآ اَحَسُّوْا بَأْسَنَآ اِذَا هُمْ مِّنْهَا يَرْكُضُوْنَ ۗ١٢
Falammā aḥassū ba'sanā iżā hum minhā yarkuḍūn(a).
[12] Nya waktu maranéhna sadar (kana deukeutna) siksaan Kami, ujug-ujug biur baé maranéhna téh kabur ti dinya.

لَا تَرْكُضُوْا وَارْجِعُوْٓا اِلٰى مَآ اُتْرِفْتُمْ فِيْهِ وَمَسٰكِنِكُمْ لَعَلَّكُمْ تُسْـَٔلُوْنَ١٣
Lā tarkuḍū warji‘ū ilā mā utriftum fīhi wa masākinikum la‘allakum tus'alūn(a).
[13] Ulah kalabur! Pék geura baralik deui kana kasenangan hirup maranéh jeung ka padumukan-padumukan maranéh (nu hadé), sangkan maranéh gampang dipariksa.

قَالُوْا يٰوَيْلَنَآ اِنَّا كُنَّا ظٰلِمِيْنَ١٤
Qālū yā wailanā innā kunnā ẓālimīn(a).
[14] Maranéhna nyarita, “Beu cilaka ieuh, saenyana geuning urang saréréa téh jalma-jalma dolim.”

فَمَا زَالَتْ تِّلْكَ دَعْوٰىهُمْ حَتّٰى جَعَلْنٰهُمْ حَصِيْدًا خٰمِدِيْنَ١٥
Famā zālat tilka da‘wāhum ḥattā ja‘alnāhum ḥaṣīdan khāmidīn(a).
[15] Satuluyna, éta (ucapan) téh jadi rumahuhna maranéhna, nepi ka Kami ngajadikeunana saperti tatangkalan nu geus dipanén jeung teu hirup deui.

وَمَا خَلَقْنَا السَّمَاۤءَ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَا لٰعِبِيْنَ١٦
Wa mā khalaqnas-samā'a wal-arḍa wa mā bainahumā lā‘ibīn(a).
[16] Kami henteu nyiptakeun langit jeung bumi jeung nu aya di antarana téh heuheureuyan.

لَوْ اَرَدْنَآ اَنْ نَّتَّخِذَ لَهْوًا لَّاتَّخَذْنٰهُ مِنْ لَّدُنَّآ ۖاِنْ كُنَّا فٰعِلِيْنَ١٧
Lau aradnā an nattakhiża lahwal lattakhażnāhum mil ladunnā, in kunnā fā‘ilīn(a).
[17] Saupama Kami rék ngajadikeun hiji perkara pikeun heuheureuyan mah, tangtu Kami bakal ngajadikeunana ti mungguhing Kami, 564 upama Kami ngersakeun kitu mah.
564) Ti mungguh Kami” nyaéta nu luyu jeung sipat-sipat Allah.

بَلْ نَقْذِفُ بِالْحَقِّ عَلَى الْبَاطِلِ فَيَدْمَغُهٗ فَاِذَا هُوَ زَاهِقٌۗ وَلَكُمُ الْوَيْلُ مِمَّا تَصِفُوْنَ١٨
Bal naqżifu bil-ḥaqqi ‘alal-bāṭili fa yadmaguhū fa iżā huwa zāhiq(un), wa lakumul-wailu mimmā taṣifūn(a).
[18] Sabalikna, Kami ngalungkeun nu hak (bebeneran) kana batil (nu teu bener), tuluy éta nu hak téh ngancurkeunana. Nya sapada harita (nu batil) musnah. Cilaka maranéh alatan geus nyipatan (Allah ku sipat-sipat nu teu samistina pikeun Mantenna). 565
565) Panyangka yén Allah téh ngagaduhan istri sareng putra.

وَلَهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَمَنْ عِنْدَهٗ لَا يَسْتَكْبِرُوْنَ عَنْ عِبَادَتِهٖ وَلَا يَسْتَحْسِرُوْنَ ۚ١٩
Wa lahū man fis-samāwāti wal-arḍ(i), wa man ‘indahū lā yastakbirūna ‘an ‘ibādatihī wa lā yastaḥsirūn(a).
[19] Mung kagungan Mantenna anu aya di langit jeung anu aya bumi. (Malaikat-malaikat) nu aya di sagédéngeun Mantenna henteu adigung dina ibadah ka Mantenna jeung taya kacapé ogé.

يُسَبِّحُوْنَ الَّيْلَ وَالنَّهَارَ لَا يَفْتُرُوْنَ٢٠
Yusabbiḥūnal-laila wan-nahāra wa lā yafturūn(a).
[20] Aranjeunna (malaikat-malaikat) nyucikeun Mantenna beurang peuting taya eureunna.

اَمِ اتَّخَذُوْٓا اٰلِهَةً مِّنَ الْاَرْضِ هُمْ يُنْشِرُوْنَ٢١
Amittakhażū ālihatam minal-arḍi hum yunsyirūn(a).
[21] Naha maranéhna (jalma-jalma musrik) netepkeun pangéran-pangéran ti bumi nu bisa ngahirupkeun (jalma-jalma nu geus maot)?

لَوْ كَانَ فِيْهِمَآ اٰلِهَةٌ اِلَّا اللّٰهُ لَفَسَدَتَاۚ فَسُبْحٰنَ اللّٰهِ رَبِّ الْعَرْشِ عَمَّا يَصِفُوْنَ٢٢
Lau kāna fīhimā ālihatun illallāhu lafasadatā, fa subḥānallāhi rabbil-‘arsyi ‘ammā yaṣifūn(a).
[22] Lamun téa mah dina duanana (di langit jeung di bumi) aya deui pangéran salian ti Allah, tangtu duanana geus ruksak. Mahasuci Allah, Pangéran nu kagungan ‘Arsy, tina sagala rupa nu disipatkeun ku maranéhna.

لَا يُسْـَٔلُ عَمَّا يَفْعَلُ وَهُمْ يُسْـَٔلُوْنَ٢٣
Lā yus'alu ‘ammā yaf‘alu wa hum yus'alūn(a).
[23] (Allah) moal diparios tina sakabéh anu dipidamel ku Mantenna, tapi nya maranéhna anu bakal dipariksa mah.

اَمِ اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اٰلِهَةً ۗقُلْ هَاتُوْا بُرْهَانَكُمْۚ هٰذَا ذِكْرُ مَنْ مَّعِيَ وَذِكْرُ مَنْ قَبْلِيْۗ بَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَۙ الْحَقَّ فَهُمْ مُّعْرِضُوْنَ٢٤
Amittakhażū min dūnihī ālihah(tan), qul hātū burhānakum, hāżā żikru mam ma‘iya wa żikru man qablī, bal akṡaruhum lā ya‘lamūnal-ḥaqqa fahum mu‘riḍūn(a).
[24] Naha maranéhna bet netepkeun pangéran-pangéran salian ti Mantenna? Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Témbongkeun alesan-alesan aranjeun! leu (ajaran taohid) téh pépéling pikeun jalma-jalma anu bareng jeung kuring, tur pépéling pikeun jalma-jalma saméméh kuring.” Tapi lolobana mah maranéhna henteu nyarahoeun ka nu hak (bebeneran), nya ku sabab éta maranéhna ngabalieur.

وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ مِنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا نُوْحِيْٓ اِلَيْهِ اَنَّهٗ لَآ اِلٰهَ اِلَّآ اَنَا۠ فَاعْبُدُوْنِ٢٥
Wa mā arsalnā min qablika mir rasūlin illā nūḥī ilaihi annahū lā ilāha illā ana fa‘budūn(i).
[25] Kami henteu ngutus rasul saurang ogé saméméh hidep (Muhammad), lian ti anu ku Kami dipaparinan wahyu ka anjeunna yén saenyana taya deui Pangéran (anu hak diibadahan) lian ti Kami. Ku kituna, geura ibadah ka Kami.

وَقَالُوا اتَّخَذَ الرَّحْمٰنُ وَلَدًا سُبْحٰنَهٗ ۗبَلْ عِبَادٌ مُّكْرَمُوْنَ ۙ٢٦
Wa qāluttakhażar-raḥmānu waladan subḥānah(ū), bal ‘ibādum mukramūn(a).
[26] Maranéhna ngomong, “Allah Nu Mahaasih téh tos ngajantenkeun (malaikat) minangka putra-Na.” Mahasuci Mantenna! Sabalikna, saenyana aranjeunna (malaikat-malaikat) téh hamba-hamba Allah anu dimulyakeun.

لَا يَسْبِقُوْنَهٗ بِالْقَوْلِ وَهُمْ بِاَمْرِهٖ يَعْمَلُوْنَ٢٧
Lā yasbiqūnahū bil-qauli wa hum bi'amrihī ya‘malūn(a).
[27] Aranjeunna tara mayunan Mantenna ku caritaan sarta terus-terusan milampah timbalan Mantenna.

يَعْلَمُ مَا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْ وَلَا يَشْفَعُوْنَۙ اِلَّا لِمَنِ ارْتَضٰى وَهُمْ مِّنْ خَشْيَتِهٖ مُشْفِقُوْنَ٢٨
Ya‘lamū mā baina aidīhim wa mā khalfahum wa lā yasyfa‘ūna illā limanirtaḍā wa hum min khasy-yatihī musyfiqūn(a).
[28] (Allah) uningaeun kana sagala rupa nu aya di hareupeun aranjeunna (naon nu geus dilampahkeun) jeung nu aya di satukangeunana (naon nu can dilampahkeun). Aranjeunna moal maparin sapa’at kajaba ka jalma-jalma nu dipirido (ku Allah). Aranjeunna téh salawasna ati-ati lantaran ajrih ka Mantenna.

۞ وَمَنْ يَّقُلْ مِنْهُمْ اِنِّيْٓ اِلٰهٌ مِّنْ دُوْنِهٖ فَذٰلِكَ نَجْزِيْهِ جَهَنَّمَۗ كَذٰلِكَ نَجْزِى الظّٰلِمِيْنَ ࣖ٢٩
Wa may yaqul minhum innī ilāhun min dūnihī fa żālika najzīhi jahannam(a), każālika najziẓ-ẓālimīn(a).
[29] Saha baé ti antara aranjeunna (malaikat nu disembah ku jalma-jalma musrik) anu nyarita, “Saenyana kuring téh Pangéran salian ti Mantenna,” pasti ku Kami ditibanan wawales (naraka) Jahanam. Nya kitu Kami nibankeun wawales ka jalma-jalma dolim.

اَوَلَمْ يَرَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنَّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ كَانَتَا رَتْقًا فَفَتَقْنٰهُمَاۗ وَجَعَلْنَا مِنَ الْمَاۤءِ كُلَّ شَيْءٍ حَيٍّۗ اَفَلَا يُؤْمِنُوْنَ٣٠
Awalam yaral-lażīna kafarū annas-samāwāti wal-arḍa kānatā ratqan fa fataqnāhumā, wa ja‘alnā minal-mā'i kulla syai'in ḥayy(in), afalā yu'minūn(a).
[30] Naha jalma-jalma kapir téh henteu nyahoeun yén saenyana langit jeung bumi téh asalna ngahiji, tuluy duanana dipisahkeun ku Kami. Kami ngajadikeun sagala perkara nu hirup tina cai. Naha atuh maranéhna téh bet henteu iman baé?

وَجَعَلْنَا فِى الْاَرْضِ رَوَاسِيَ اَنْ تَمِيْدَ بِهِمْۖ وَجَعَلْنَا فِيْهَا فِجَاجًا سُبُلًا لَّعَلَّهُمْ يَهْتَدُوْنَ٣١
Wa ja‘alnā fil-arḍi rawāsiya an tamīda bihim, wa ja‘anā fīhā fijājan subulal la‘allahum yahtadūn(a).
[31] Kami geus ngajadikeun di bumi gunung-gunung nu tohaga sangkan bumi (henteu) génjlong jeung maranéhna. Kami geus ngajadikeun (ogé) di bumi jalan-jalan nu lega sangkan maranéhna meunang pituduh.

وَجَعَلْنَا السَّمَاۤءَ سَقْفًا مَّحْفُوْظًاۚ وَهُمْ عَنْ اٰيٰتِهَا مُعْرِضُوْنَ٣٢
Wa ja‘alnas-samā'a saqfam maḥfūẓā(n), wa hum ‘an āyātihā mu‘riḍūn(a).
[32] Kami ngajadikeun langit minangka hateup anu dijaga, tapi maranéhna tetep ngabalieur tina sagala éta tanda-tanda (anu nunjukkeun kana kaagungan Allah).

وَهُوَ الَّذِيْ خَلَقَ الَّيْلَ وَالنَّهَارَ وَالشَّمْسَ وَالْقَمَرَۗ كُلٌّ فِيْ فَلَكٍ يَّسْبَحُوْنَ٣٣
Wa huwal-lażī khalaqal-laila wan-nahāra wasy-syamsa wal-qamar(a), kullun fī falakiy yasbaḥūn(a).
[33] Mantenna anu geus nyiptakeun peuting jeung beurang sarta panonpoé jeung bulan. Masing-masing nguriling dina gurat tempatna.

وَمَا جَعَلْنَا لِبَشَرٍ مِّنْ قَبْلِكَ الْخُلْدَۗ اَفَا۟ىِٕنْ مِّتَّ فَهُمُ الْخٰلِدُوْنَ٣٤
Wa mā ja‘alnā libasyarim min qablikal-khuld(a), afa'im mitta fahumul-khālidūn(a).
[34] Kami henteu ngajadikeun kalanggengan pikeun manusa saurang ogé saméméh hidep (Muhammad). Ku kituna, upama hidep maot, naha maranéhna bakal langgeng?

كُلُّ نَفْسٍ ذَاۤىِٕقَةُ الْمَوْتِۗ وَنَبْلُوْكُمْ بِالشَّرِّ وَالْخَيْرِ فِتْنَةً ۗوَاِلَيْنَا تُرْجَعُوْنَ٣٥
Kullu nafsin żā'iqatul-maut(i), wa nablūkum bisy-syarri wal-khairi fitnah(tan), wa ilainā turja‘ūn(a).
[35] Saban-saban anu nyawaan bakal ngarasakeun maot. Kami bakal nguji ka maranéh ku kagoréngan jeung kahadéan minangka cocoba. Maranéh bakal dipulangkeun téh ngan ka Kami wungkul.

وَاِذَا رَاٰكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ يَّتَّخِذُوْنَكَ اِلَّا هُزُوًاۗ اَهٰذَا الَّذِيْ يَذْكُرُ اٰلِهَتَكُمْۚ وَهُمْ بِذِكْرِ الرَّحْمٰنِ هُمْ كٰفِرُوْنَ٣٦
Wa iżā ra'ākal-lażīna kafarū iy yattakhiżūnaka illā huzuwā(n), ahāżal-lażī yażkuru ālihatakum, wa hum biżikrir-raḥmāni hum kāfirūn(a).
[36] Upama nénjo hidep (Muhammad), tangtu jalma-jalma kapir ukur ngajadikeun hidep jadi bahan hinaan. (Maranéhna nyarita), “Naha ieu jalma anu ngagogoréng pangéran-pangéran maranéh téh?” Padahal maranéhna téh jalma-jalma anu ingkar tina inget ka (Allah) Nu Mahamurah.

خُلِقَ الْاِنْسَانُ مِنْ عَجَلٍۗ سَاُورِيْكُمْ اٰيٰتِيْ فَلَا تَسْتَعْجِلُوْنِ٣٧
Khuliqal-insānu min ‘ajal(in), sa'urīkum āyātī falā tasta‘jilūn(i).
[37] Manusa téh diciptakeun (boga sipat) gurung gusuh. Kami bakal némbongkeun ka maranéh (siksa anu jadi) tanda-tanda (kakawasaan) Kami. Ku kituna, maranéh ulah ménta ka Kami supaya ngagancangkeun (éta siksa).

وَيَقُوْلُوْنَ مَتٰى هٰذَا الْوَعْدُ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٣٨
Wa yaqūlūna matā hāżal-wa‘du in kuntum ṣādiqīn(a).
[38] Maranéhna ngomong, “Na iraha atuh éta jangji téh (bakal datang) lamun enya mah aranjeun bener?”

لَوْ يَعْلَمُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا حِيْنَ لَا يَكُفُّوْنَ عَنْ وُّجُوْهِهِمُ النَّارَ وَلَا عَنْ ظُهُوْرِهِمْ وَلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَ٣٩
Lau ya‘lamul-lażīna kafarū ḥīna lā yakuffūna ‘aw wujūhihimun nāra wa lā ‘an ẓuhūrihim wa lā hum yunṣarūn(a).
[39] Upama jalma-jalma kapir nyahoeun mah dina waktuna maranéhna teu sanggup nyinglar seuneu naraka ti (lebah) beungeut jeung tonggongna, jeung waktu maranéhna teu manggihan nu nulungan, (tangtu maranéhna moal ménta digancangkeun datangna siksa).

بَلْ تَأْتِيْهِمْ بَغْتَةً فَتَبْهَتُهُمْ فَلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ رَدَّهَا وَلَا هُمْ يُنْظَرُوْنَ٤٠
Bal ta'tīhim bagtatan fa tabhatuhum falā yastaṭī‘ūna raddahā wa lā hum yunẓarūn(a).
[40] Tétéla (Poé Kiamat) téh bakal datang ka maranéhna kalayan ngadadak, tuluy ngajadikeun maranéhna geumpeur. Nya maranéhna moal sanggup nolakna sarta henteu dibéré témpo.

وَلَقَدِ اسْتُهْزِئَ بِرُسُلٍ مِّنْ قَبْلِكَ فَحَاقَ بِالَّذِيْنَ سَخِرُوْا مِنْهُمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ٤١
Wa laqadistuhzi'a birusulim min qablika fa ḥāqa bil-lażīna sakhirū minhum mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[41] Saenyana rasul-rasul saméméh hidep (Muhammad) ogé geus diguguyonkeun, nya (ku sabab éta) breg baé turun ka jalma-jalma nu sok ngageuhgeuykeun (rasul-rasul) siksa nu sok diguguyonkeun ku maranéhna.

قُلْ مَنْ يَّكْلَؤُكُمْ بِالَّيْلِ وَالنَّهَارِ مِنَ الرَّحْمٰنِۗ بَلْ هُمْ عَنْ ذِكْرِ رَبِّهِمْ مُّعْرِضُوْنَ٤٢
Qul may yakla'ukum bil-laili wan-nahāri minar-raḥmān(i), bal hum ‘an żikrihim mu‘riḍūn(a).
[42] Pék caritakeun, “Saha anu bakal ngajaga aranjeun ti peuting jeung ti beurang tina (siksaan) Allah Nu Mahamurah?” Malah maranéhna mah kalah ka ngabalieur tina éling ka Pangéranana.

اَمْ لَهُمْ اٰلِهَةٌ تَمْنَعُهُمْ مِّنْ دُوْنِنَاۗ لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ نَصْرَ اَنْفُسِهِمْ وَلَا هُمْ مِّنَّا يُصْحَبُوْنَ٤٣
Am lahum ālihatun tamna‘uhum min dūninā, lā yastaṭī‘ūna naṣra anfusihim wa lā hum minnā yuṣḥabūn(a).
[43] Atawa naha maranéhna bogaeun pangéran-pangéran salian Kami nu bisa ngahalangan (tina siksa Kami)? Pangéran-pangéran maranéhna téh moal sanggupeun nulungan dirina sorangan sarta moal ditangtayungan tina (siksa) Kami.

بَلْ مَتَّعْنَا هٰٓؤُلَاۤءِ وَاٰبَاۤءَهُمْ حَتّٰى طَالَ عَلَيْهِمُ الْعُمُرُۗ اَفَلَا يَرَوْنَ اَنَّا نَأْتِى الْاَرْضَ نَنْقُصُهَا مِنْ اَطْرَافِهَاۗ اَفَهُمُ الْغٰلِبُوْنَ٤٤
Bal matta‘nā hā'ulā'i wa ābā'ahum ḥattā ṭāla ‘alaihimul-‘umur(u), afalā yarauna annā na'til-arḍa nanquṣuhā min aṭrāfihā, afahumul-gālibūn(a).
[44] Saenyana Kami geus maparin kani’matan (hirup di dunya) ka maranéhna jeung ka karuhunna nepi ka paranjang umurna. Ku kituna, naha maranéhna henteu niténan yén Kami ngadatangan nagri (nu dikawasa ku jalma kapir), tuluy ku Kami dikurangan legana tina wates-watesna? Naha maranéhna nu unggul?

قُلْ اِنَّمَآ اُنْذِرُكُمْ بِالْوَحْيِۖ وَلَا يَسْمَعُ الصُّمُّ الدُّعَاۤءَ اِذَا مَا يُنْذَرُوْنَ٤٥
Qul innamā unżirukum bil-waḥy(i), wa lā yasma‘uṣ-ṣummud-du‘ā'a iżā mā yunżarūn(a).
[45] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kuring ngan ngawadian ku wahyu ka aranjeun.” Ngan jalma-jalma nu torék (musrik) mah moal ngadéngé uar pangajak lamun dibéré pépéling.

وَلَىِٕنْ مَّسَّتْهُمْ نَفْحَةٌ مِّنْ عَذَابِ رَبِّكَ لَيَقُوْلُنَّ يٰوَيْلَنَآ اِنَّا كُنَّا ظٰلِمِيْنَ٤٦
Wa la'im massathum nafḥatum min ‘ażābi rabbika layaqūlunna yā wailanā innā kunnā ẓālimīn(a).
[46] Lamun seug maranéhna ditibanan ku siksaan Pangéran hidep saeutik wéh, nya pasti maranéhna ngomong kieu, “Duh cilaka! Saenyana urang saréréa téh jalma-jalma nu dolim (ka diri sorangan).”

وَنَضَعُ الْمَوَازِيْنَ الْقِسْطَ لِيَوْمِ الْقِيٰمَةِ فَلَا تُظْلَمُ نَفْسٌ شَيْـًٔاۗ وَاِنْ كَانَ مِثْقَالَ حَبَّةٍ مِّنْ خَرْدَلٍ اَتَيْنَا بِهَاۗ وَكَفٰى بِنَا حٰسِبِيْنَ٤٧
Wa naḍa‘ul-mawāzīnal-qisṭa liyaumil-qiyāmati falā tuẓlamu nafsun syai'ā(n), wa in kāna miṡqāla ḥabbatim min khardalin atainā bihā, wa kafā binā ḥāsibīn(a).
[47] Kami bakal masangkeun timbangan (amal) nu adil dina Poé Kiamat. Ku kituna, moal aya jalma anu dirugikeun saeutik ogé. Sanajan (éta amal) ngan sabeurat żarrah (barang nu pangleutikna) ogé, tangtu Kami bakal ngadatangkeun (ganjaran)ana. Cukup Kami baé anu ngabalitungkeunana.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسٰى وَهٰرُوْنَ الْفُرْقَانَ وَضِيَاۤءً وَّذِكْرًا لِّلْمُتَّقِيْنَ ۙ٤٨
Wa laqad ātainā mūsā wa hārūnal-furqāna wa ḍiyā'aw wa żikral lil-muttaqīn(a).
[48] Tétéla Kami geus maparin ka Musa jeung Harun Al-Furqān (Kitab Torét), cahya (kahirupan), jeung panggeuing pikeun jalma-jalma nu takwa.

الَّذِيْنَ يَخْشَوْنَ رَبَّهُمْ بِالْغَيْبِ وَهُمْ مِّنَ السَّاعَةِ مُشْفِقُوْنَ٤٩
Allażīna yakhsyauna rabbahum bil-gaibi wa hum minas-sā‘ati musyfiqūn(a).
[49] (Nyaéta) jalma-jalma nu ajrih kana (siksa) Pangéranana sanajan teu ningal ka Mantenna jeung nu ngarasa sieun kana (datangna) Poé Kiamat.

وَهٰذَا ذِكْرٌ مُّبٰرَكٌ اَنْزَلْنٰهُۗ اَفَاَنْتُمْ لَهٗ مُنْكِرُوْنَ ࣖ٥٠
Wa hāżā żikrum mubārakun anzalnāh(u), afa antum lahū munkirūn(a).
[50] Ieu (Al-Qur’an) téh panggeuing anu diberkahan anu diturunkeun ku Kami. Nya naha atuh maranéh téh bet ingkar kana éta (Al-Qur’an)?

۞ وَلَقَدْ اٰتَيْنَآ اِبْرٰهِيْمَ رُشْدَهٗ مِنْ قَبْلُ وَكُنَّا بِهٖ عٰلِمِيْنَ٥١
Wa laqad ātainā ibrāhīma rusydahū min qablu wa kunnā bihī ‘ālimīn(a).
[51] Tétéla saméméh (Musa jeung Harun), Kami geus maparin pituduh ka Ibrahim. Kami uninga ka anjeunna.

اِذْ قَالَ لِاَبِيْهِ وَقَوْمِهٖ مَا هٰذِهِ التَّمَاثِيْلُ الَّتِيْٓ اَنْتُمْ لَهَا عٰكِفُوْنَ٥٢
Iż qāla li'abīhi wa qaumihī mā hāżihit-tamāṡīlul-latī antum lahā ‘ākifūn(a).
[52] (Sing inget) nalika anjeunna (Ibrahim) nyarios ka bapana jeung kaomna, “Berhala-berhala naon ieu téh nu ku aranjeun getol disembah?”

قَالُوْا وَجَدْنَآ اٰبَاۤءَنَا لَهَا عٰبِدِيْنَ٥٣
Qālū wajadnā ābā'anā lahā ‘ābidīn(a).
[53] Maranéhna ngajawab, “Kuring saréréa manggihan yén karuhun-karuhun kuring saréréa ogé tukang nyembah ka dinya.”

قَالَ لَقَدْ كُنْتُمْ اَنْتُمْ وَاٰبَاۤؤُكُمْ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٥٤
Qāla laqad kuntum antum wa ābā'ukum fī ḍalālim mubīn(in).
[54] Anjeunna (Ibrahim) nyarios, “Saenyana aranjeun jeung bapa-bapa aranjeun téh aya dina kasasaran anu jelas pisan.”

قَالُوْٓا اَجِئْتَنَا بِالْحَقِّ اَمْ اَنْتَ مِنَ اللّٰعِبِيْنَ٥٥
Qālū aji'tanā bil-ḥaqqi am anta minal-lā‘ibīn(a).
[55] Maranéhna ngajawab, “Naha anjeun datang ka kuring saréréa téh mawa bebeneran atawa ukur heuheureuyan wungkul?”

قَالَ بَلْ رَّبُّكُمْ رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ الَّذِيْ فَطَرَهُنَّۖ وَاَنَا۠ عَلٰى ذٰلِكُمْ مِّنَ الشّٰهِدِيْنَ٥٦
Qāla bar rabbukum rabbus-samāwāti wal-arḍil-lażī faṭarahunn(a), wa ana ‘alā żālikum minasy-syāhidīn(a).
[56] Anjeunna (Ibrahim) ngajawab, “Sabenerna Pangéran aranjeun téh nyaéta Pangéran (nu miara) langit jeung bumi jeung nu nyiptakeunana, sarta kuring kaasup salah saurang saksi kana éta perkara.”

وَتَاللّٰهِ لَاَكِيْدَنَّ اَصْنَامَكُمْ بَعْدَ اَنْ تُوَلُّوْا مُدْبِرِيْنَ٥٧
Wa tallāhi la'akīdanna aṣnāmakum ba‘da an tuwallū mudbirīn(a).
[57] (Anjeunna nyarita dina jero haténa,) “Demi Allah, kuring rék nyieun tipu daya kana berhala-berhala maranéh sanggeus maranéh indit ninggalkeunana.” 566
566) Éta cariosan digerenteskeun ku Nabi Ibrahim a.s. dina manahna. Maksudna mah, Nabi Ibrahim a.s. bakal milampah tipu dayana pikeun ngabinasakeun berhala-berhala maranéhna, sanggeus maranéhna nyingkah ninggalkeun éta tempat berhala.

فَجَعَلَهُمْ جُذٰذًا اِلَّا كَبِيْرًا لَّهُمْ لَعَلَّهُمْ اِلَيْهِ يَرْجِعُوْنَ٥٨
Fa ja‘alahum jużāżan illā kabīral lahum la‘allahum ilaihi yarji‘ūn(a).
[58] Nya anjeunna (Ibrahim) tuluy ngancurkeun éta (berhala-berhala) nepi ka ancur saremplak, kajaba nu panggedéna sangkan maranéhna malik (nanya) ka nu panggedéna téa.

قَالُوْا مَنْ فَعَلَ هٰذَا بِاٰلِهَتِنَآ اِنَّهٗ لَمِنَ الظّٰلِمِيْنَ٥٩
Qālū man fa‘ala hāżā bi'ālihatinā innahū laminaẓ-ẓālimīn(a).
[59] Maranéhna nanya kieu, “Saha nu ngalakukeun (pagawéan) kieu ka pangéran-pangéran urang saréréa? Saenyana manéhna kaasup jalma-jalma anu kaniaya pisan.”

قَالُوْا سَمِعْنَا فَتًى يَّذْكُرُهُمْ يُقَالُ لَهٗٓ اِبْرٰهِيْمُ ۗ٦٠
Qālū sami‘nā fatay yażkuruhum yuqālu lahū ibrāhīm(u).
[60] Maranéhna (nu séjén deui) ngajawab, “Kuring saréréa ngadéngé aya hiji jajaka anu sok ngagogoréng ieu (berhala-berhala), ngaranna Ibrahim.”

قَالُوْا فَأْتُوْا بِهٖ عَلٰٓى اَعْيُنِ النَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَشْهَدُوْنَ٦١
Qālū fa'tū bihī ‘alā a‘yunin-nāsi la‘allahum yasyhadūn(a).
[61] Maranéhna ngomong, “(Lamun kitu mah) bawa manéhna téh ka hareupeun balaréa sangkan maranéhna nyaksian!”

قَالُوْٓا ءَاَنْتَ فَعَلْتَ هٰذَا بِاٰلِهَتِنَا يٰٓاِبْرٰهِيْمُ ۗ٦٢
Qālū a'anta fa‘alta hāżā bi'ālihatinā yā ibrāhīm(u).
[62] Maranéhna nanya, “Naha manéh nu ngalakukeun kieu ka pangéran-pangéran kuring téh, hé Ibrahim?”

قَالَ بَلْ فَعَلَهٗ كَبِيْرُهُمْ هٰذَا فَسْـَٔلُوْهُمْ اِنْ كَانُوْا يَنْطِقُوْنَ٦٣
Qāla bal fa‘alahū kabīruhum hāżā fas'alūhum in kānū yanṭiqūn(a).
[63] Anjeunna (Ibrahim) ngajawab, “Sabenerna (berhala) nu panggedéna nu boga lampah kieu téh, nya geura tanyakeun baé ka manéhna ari enya mah bisaeun ngomong.”

فَرَجَعُوْٓا اِلٰٓى اَنْفُسِهِمْ فَقَالُوْٓا اِنَّكُمْ اَنْتُمُ الظّٰلِمُوْنَ ۙ٦٤
Fa raja‘ū ilā anfusihim fa qālū innakum antumuẓ-ẓālimūn(a).
[64] Nya maranéhna balik kana dirina sorangan (mimiti sadar) tuluy nyarita (ka sapapadana), “Saenyana maranéh nu dolim (kana diri sorangan) mah.”

ثُمَّ نُكِسُوْا عَلٰى رُءُوْسِهِمْۚ لَقَدْ عَلِمْتَ مَا هٰٓؤُلَاۤءِ يَنْطِقُوْنَ٦٥
Ṡumma nukisū ‘alā ru'ūsihim, laqad ‘alimta mā hā'ulā'i yanṭiqūn(a).
[65] Tuluy maranéhna tungkul (sarta ngomong), “Apan sabenerna anjeun ogé (Ibrahim) nyaho yén éta (berhala-berhala) téh teu bisaeun ngomong?”

قَالَ اَفَتَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَنْفَعُكُمْ شَيْـًٔا وَّلَا يَضُرُّكُمْ ۗ٦٦
Qāla afata‘budūna min dūnillāhi mā lā yanfa‘ukum syai'aw wa lā yaḍurrukum.
[66] Anjeunna (Ibrahim) ngajawab, “Naha atuh aranjeun téh bet nyembah ka salian ti Allah nu teu bisa méré mangpa’at saeutik ogé jeung henteu méré madarat ka aranjeun?

اُفٍّ لَّكُمْ وَلِمَا تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۗاَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٦٧
Uffil lakum wa limā ta‘budūna min dūnillāh(i), afalā ta‘qilūn(a).
[67] Nya cilaka aranjeun jeung anu disarembah ku aranjeun salian ti Allah! Naha atuh aranjeun teu ngagunakeun akal baé?”

قَالُوْا حَرِّقُوْهُ وَانْصُرُوْٓا اٰلِهَتَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ فٰعِلِيْنَ٦٨
Qālū ḥarriqūhu wanṣurū ālihatakum in kuntum fā‘ilīn(a).
[68] Maranéhna ngaromong, “Duruk tah manéhna sarta geura tulungan pangéran-pangéran maranéh ari enya mah maranéh rék tutulung!”

قُلْنَا يٰنَارُ كُوْنِيْ بَرْدًا وَّسَلٰمًا عَلٰٓى اِبْرٰهِيْمَ ۙ٦٩
Qulnā yā nāru kūnī bardaw wa salāman ‘alā ibrāhīm(a).
[69] Kami (Allah) ngadawuh, “Hé seuneu, tiis manéh jeung salametkeun Ibrahim!”

وَاَرَادُوْا بِهٖ كَيْدًا فَجَعَلْنٰهُمُ الْاَخْسَرِيْنَ ۚ٧٠
Wa arādū bihī kaidan fa ja‘alnāhumul-akhsarīn(a).
[70] Maranéhna rék migawé kagoréngan ka Ibrahim, nya Kami ngajadikeun maranéhna jalma-jalma nu pangrugi-rugina.

وَنَجَّيْنٰهُ وَلُوْطًا اِلَى الْاَرْضِ الَّتِيْ بٰرَكْنَا فِيْهَا لِلْعٰلَمِيْنَ٧١
Wa najjaināhu wa lūṭan ilal-arḍil-latī bāraknā fīhā lil-‘ālamīn(a).
[71] Kami nyalametkeun anjeunna (Ibrahim) jeung Lut ka hiji nagri (Syam) anu geus diberkahan ku Kami keur sakumna alam. 567
567) Nagri Syam téh ngawengku ogé Palestina. Allah maparin kabarokahan ka éta nagri. Maksudna, kalolobaan nabi téh asalna ti ieu nagri anu lahanna subur.

وَوَهَبْنَا لَهٗٓ اِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ نَافِلَةً ۗوَكُلًّا جَعَلْنَا صٰلِحِيْنَ٧٢
Wa wahabnā lahū isḥāqa wa ya‘qūba nāfilah(tan), wa kullan ja‘alnā ṣāliḥīn(a).
[72] Kami maparin nugraha ka anjeunna (Ibrahim) Ishaq (anak), jeung minangka tambahan (Kami maparin) Ya’qub (incu). Masing-masing dijadikeun ku Kami jalma-jalma soléh.

وَجَعَلْنٰهُمْ اَىِٕمَّةً يَّهْدُوْنَ بِاَمْرِنَا وَاَوْحَيْنَآ اِلَيْهِمْ فِعْلَ الْخَيْرٰتِ وَاِقَامَ الصَّلٰوةِ وَاِيْتَاۤءَ الزَّكٰوةِۚ وَكَانُوْا لَنَا عٰبِدِيْنَ ۙ٧٣
Wa ja‘alnāhum a'immatay yahdūna bi'amrinā wa auḥainā ilaihim fi‘lal-khairāti wa iqāmaṣ-ṣalāti wa ītā'az-zakāh(ti), wa kānū lanā ‘ābidīn(a).
[73] Kami ngajadikeun aranjeunna pamingpin-pamingpin anu méré pituduh ku timbalan Kami. Kami geus ngawahyukeun ka aranjeunna (paréntah) milampah kahadéan, ngadegkeun salat, jeung nyumponan jakat, sarta ka Kami wungkul aranjeunna kudu ibadah.

وَلُوْطًا اٰتَيْنٰهُ حُكْمًا وَّعِلْمًا وَّنَجَّيْنٰهُ مِنَ الْقَرْيَةِ الَّتِيْ كَانَتْ تَّعْمَلُ الْخَبٰۤىِٕثَ ۗاِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمَ سَوْءٍ فٰسِقِيْنَۙ٧٤
Wa lūṭan ātaināhu ḥumkaw wa ‘ilmaw wa najjaināhu minal-qaryatil-latī kānat ta‘malul-khabā'iṡ(a), innahum kānū qauma sau'in fāsiqīn(a).
[74] Ka Lut, Kami maparin hikmah tur élmu, sarta Kami nyalametkeun anjeunna tina (siksa nu tumiba ka pangeusi) nagri (Sodom) nu milampah pagawéan kotor. 568 Saenyana maranéhna téh kaom nu jahat tur pasék.
568) Homoseksual jeung ngabégal, sarta maranéhna milampah éta pagawéan kalayan nembrak.

وَاَدْخَلْنٰهُ فِيْ رَحْمَتِنَاۗ اِنَّهٗ مِنَ الصّٰلِحِيْنَ ࣖ٧٥
Wa adkhalnāhu fī raḥmatinā, innahū minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[75] Kami geus ngasupkeun anjeunna kana rahmat Kami. Saenyana anjeunna téh kaasup ti antara golongan jalma-jalma nu soléh.

وَنُوْحًا اِذْ نَادٰى مِنْ قَبْلُ فَاسْتَجَبْنَا لَهٗ فَنَجَّيْنٰهُ وَاَهْلَهٗ مِنَ الْكَرْبِ الْعَظِيْمِ ۚ٧٦
Wa nūḥan iż nādā min qablu fastajabnā lahū fa najjaināhu wa ahlahū minal-karbil-‘aẓīm(i).
[76] (Sing inget kana kisah) Nuh waktu anjeunna ngadoa saméméhna. Kami ngaijabah (doa)na jeung nyalametkeun anjeunna jeung para pangiringna tina balai anu gedé.

وَنَصَرْنٰهُ مِنَ الْقَوْمِ الَّذِيْنَ كَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَاۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا قَوْمَ سَوْءٍ فَاَغْرَقْنٰهُمْ اَجْمَعِيْنَ٧٧
Wa naṣarnāhu minal-qaumil-lażīna każżabū bi'āyātinā, innahum kānū qauma sau'in fa agraqnāhum ajma‘īn(a).
[77] Kami nulungan anjeunna ti jalma-jalma nu geus ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami. Saenyana maranéhna téh kaom nu jahat. Ku kituna, Kami ngéremkeun maranéhna kabéh.

وَدَاوٗدَ وَسُلَيْمٰنَ اِذْ يَحْكُمٰنِ فِى الْحَرْثِ اِذْ نَفَشَتْ فِيْهِ غَنَمُ الْقَوْمِۚ وَكُنَّا لِحُكْمِهِمْ شٰهِدِيْنَ ۖ٧٨
Wa dāwūda wa sulaimāna iż yaḥkumāni fil-ḥarṡi iż nafasyat fīhi ganamul-qaum(i), wa kunnā liḥukmihim syāhidīn(a).
[78] (Sing inget kana kisah) Dawud jeung Sulaéman waktu duanana netepkeun kaputusan perkara kebon anu diruksak dina waktu peuting ku domba-domba milik kaomna. Kami nyakséni kana putusan (nu ditetepkeun) ku aranjeunna. 569
569) Dina riwayat Ibnu Abbas, aya sababaraha embé nu ngacak-ngacak kebon peuting-peuting. Nu boga kebon nepikeun éta perkara ka Nabi Dawud a.s. Anjeunna netepkeun yén éta embé téh kudu dipasrahkeun ka nu boga kebon pikeun ngagantian tutuwuhan nu raruksak. Ngan Nabi Sulaéman a.s. mah netepkeun pamadegan yén éta embé téh saheulaanan dipasrahkeun ka nu boga kebon pikeun diala hasilna. Tuluy nu boga kebon kudu ngaganti éta tutuwuhan ku tutuwuhan nu anyar. Lamun tutuwuhan nu anyar éta geus diala hasilna, nya karék éta nu boga embé bisa nyokot deui embéna. Tah lebah dieu mah kaputusan Nabi Sulaéman téh éta nu leuwih bener.

فَفَهَّمْنٰهَا سُلَيْمٰنَۚ وَكُلًّا اٰتَيْنَا حُكْمًا وَّعِلْمًاۖ وَّسَخَّرْنَا مَعَ دَاوٗدَ الْجِبَالَ يُسَبِّحْنَ وَالطَّيْرَۗ وَكُنَّا فٰعِلِيْنَ٧٩
Fa fahhamnāhā sulaimān(a), wa kullan ātainā ḥukmaw wa ‘ilmā(n), wa sakhkharnā ma‘a dāwūdal-jibāla yusabbiḥna waṭ-ṭair(a), wa kunnā fā‘ilīn(a).
[79] Kami geus maparin pamahaman ka Sulaéman (ngeunaan kaputusan nu leuwih panceg). Ka masing-masing (Dawud jeung Sulaéman), Kami maparin hikmah jeung élmu. Kami geus nundukkeun gunung-gunung jeung manuk-manuk sangkan nyucikeun (Kami) babarengan jeung Dawud. Kami pisan anu ngalakukeunana.

وَعَلَّمْنٰهُ صَنْعَةَ لَبُوْسٍ لَّكُمْ لِتُحْصِنَكُمْ مِّنْۢ بَأْسِكُمْۚ فَهَلْ اَنْتُمْ شٰكِرُوْنَ٨٠
Wa ‘allamnāhu ṣan‘ata labūsil lakum lituḥṣinakum mim ba'sikum, fahal antum syākirūn(a).
[80] Kami ngajarkeun ogé ka Dawud cara nyieun baju beusi pikeun maranéh sangkan nangtayungan maranéh tina serangan musuh (dina pangperangan). Naha maranéh kaasup nu sukuran (ka Allah)?

وَلِسُلَيْمٰنَ الرِّيْحَ عَاصِفَةً تَجْرِيْ بِاَمْرِهٖٓ اِلَى الْاَرْضِ الَّتِيْ بٰرَكْنَا فِيْهَاۗ وَكُنَّا بِكُلِّ شَيْءٍ عٰلِمِيْنَ٨١
Wa lisulaimānar-rīḥa ‘āṣifatan tajrī bi'amrihī ilal-arḍil-latī bāraknā fīhā, wa kunnā bikulli syai'in ‘ālimīn(a).
[81] (Kami geus nundukkeun) keur Sulaéman angin nu ngagelebug kalayan paréntahna ka nagri anu ku Kami geus diberkahan. Kami Mahauninga kana sagala rupa perkara.

وَمِنَ الشَّيٰطِيْنِ مَنْ يَّغُوْصُوْنَ لَهٗ وَيَعْمَلُوْنَ عَمَلًا دُوْنَ ذٰلِكَۚ وَكُنَّا لَهُمْ حٰفِظِيْنَ ۙ٨٢
Wa minasy-syayāṭīna may yagūṣūna lahū wa ya‘malūna ‘amalan dūna żālik(a), wa kunnā lahum ḥāfiẓīn(a).
[82] (Kami geus nundukkeun deui keur Sulaéman) sagolongan sétan nu sok teuleum (ka jero laut) keur anjeunna jeung sok milampah pagawéan lianna. Nya Kami nu ngajaga maranéhna.

۞ وَاَيُّوْبَ اِذْ نَادٰى رَبَّهٗٓ اَنِّيْ مَسَّنِيَ الضُّرُّ وَاَنْتَ اَرْحَمُ الرّٰحِمِيْنَ ۚ٨٣
Wa ayyūba iż nādā rabbahū annī massaniyaḍ-ḍurru wa anta arḥamur-rāḥimīn(a).
[83] (Sing inget kisah) Ayub waktu ngadoa ka Pangéranana, “(Nun Gusti Pangéran abdi), saleresna abdi téh katibanan panyawat, padahal apan Gusti téh (Pangéran) nu pangasihna ti antawis nu arasih.”

فَاسْتَجَبْنَا لَهٗ فَكَشَفْنَا مَا بِهٖ مِنْ ضُرٍّ وَّاٰتَيْنٰهُ اَهْلَهٗ وَمِثْلَهُمْ مَّعَهُمْ رَحْمَةً مِّنْ عِنْدِنَا وَذِكْرٰى لِلْعٰبِدِيْنَ ۚ٨٤
Fastajabnā lahū fa kasyafnā mā bihī min ḍurriw wa ātaināhu ahlahū wa miṡlahum ma‘ahum raḥmatam min ‘indinā wa żikrā lil-‘ābidīn(a).
[84] Nya Kami ngaijabah (doana), tuluy Kami ngaleungitkeun panyakit nu aya di anjeunna. Kami mulangkeun kulawargana ka anjeunna. (Kami tikelkeun rundayanana) minangka rahmat ti Kami jeung pépéling pikeun jalma-jalma nu ibadah ka Kami.

وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِدْرِيْسَ وَذَا الْكِفْلِۗ كُلٌّ مِّنَ الصّٰبِرِيْنَ ۙ٨٥
Wa ismā‘īla wa idrīsa wa żal-kifl(i), kullum minaṣ-ṣābirīn(a).
[85] (Sing inget kisah) Ismail, Idris, jeung Zulkifli. Kabéhanana kaasup jalma-jalma nu sabar.

وَاَدْخَلْنٰهُمْ فِيْ رَحْمَتِنَاۗ اِنَّهُمْ مِّنَ الصّٰلِحِيْنَ٨٦
Wa adkhalnāhum fī raḥmatinā, innahum minaṣ-ṣāliḥīn(a).
[86] Kami geus ngasupkeun aranjeunna kana rahmat Kami. Saenyana aranjeunna téh kaasup jalma-jalma nu soléh

وَذَا النُّوْنِ اِذْ ذَّهَبَ مُغَاضِبًا فَظَنَّ اَنْ لَّنْ نَّقْدِرَ عَلَيْهِ فَنَادٰى فِى الظُّلُمٰتِ اَنْ لَّآ اِلٰهَ اِلَّآ اَنْتَ سُبْحٰنَكَ اِنِّيْ كُنْتُ مِنَ الظّٰلِمِيْنَ ۚ٨٧
Wa żan-nūni iż żahaba mugāḍiban fa ẓanna allan naqdira ‘alaihi fa nādā fiẓ-ẓulumāti allā ilāha illā anta subḥānaka innī kuntu minaẓ-ẓālimīn(a).
[87] (Sing inget kisah) Zun Nun (Yunus) waktu indit bari ambek, tuluy anjeunna nyangka yén Kami moal bakal ngarupekkeun anjeunna. Ti dinya anjeunna ngadoa dina mangpirang-pirang poék, 570 “Teu aya deui Pangéran anging Gusti (tur) Mahasuci Gusti. Saleresna abdi téh rumaos kalebet jalma-jalma nu dolim.”
570) Dina jero beuteung lauk, di jero laut, sarta dina waktu peuting.

فَاسْتَجَبْنَا لَهٗۙ وَنَجَّيْنٰهُ مِنَ الْغَمِّۗ وَكَذٰلِكَ نُـْۨجِى الْمُؤْمِنِيْنَ٨٨
Fastajabnā lahū wa najjaināhu minal-gamm(i), wa każālika nunjil-mu'minīn(a).
[88] Saterusna Kami ngaijabah (doana) jeung nyalametkeun anjeunna tina kasusah. Nya kitu deui Kami bakal nyalametkeun jalma-jalma mu’min.

وَزَكَرِيَّآ اِذْ نَادٰى رَبَّهٗ رَبِّ لَا تَذَرْنِيْ فَرْدًا وَّاَنْتَ خَيْرُ الْوٰرِثِيْنَ ۚ٨٩
Wa zakariyyā iż nādā rabbahū rabbi lā tażarnī fardaw wa anta khairul-wāriṡīn(a).
[89] (Sing inget kisah) Zakaria waktu ngadoa ka Pangéranana, “Nun Gusti Pangéran abdi, Mugi Gusti ulah ngantep abdi hirup nunggelis (tanpa turunan) sareng Gusti téh nu pangsaé-saéna waris.” 571
571) Mun seug mah Allah teu ngaijabah doana, nyaéta ku maparin katurunan, Zakariya mah bakal masrahkeun dirina baé ka Allah, sabab Allah téh panghadé-hadéna nu ngawaris.

فَاسْتَجَبْنَا لَهٗ ۖوَوَهَبْنَا لَهٗ يَحْيٰى وَاَصْلَحْنَا لَهٗ زَوْجَهٗۗ اِنَّهُمْ كَانُوْا يُسٰرِعُوْنَ فِى الْخَيْرٰتِ وَيَدْعُوْنَنَا رَغَبًا وَّرَهَبًاۗ وَكَانُوْا لَنَا خٰشِعِيْنَ٩٠
Fastajabnā lah(ū), wa wahabnā lahū yaḥyā wa aṣlaḥnā lahū zaujah(ū), innahum kānū yusāri‘ūna fil-khairāti wa yad‘ūnanā ragabaw wa rahabā(n), wa kānū lanā khāsyi‘īn(a).
[90] Nya Kami ngaijabah (doa)na, maparin Yahya ka anjeunna, jeung ngajadikeun garwana (bisa kakandungan). Saenyana aranjeunna téh sok paheula-heula dina (milampah) kahadéan jeung sok ngadoa ka Kami kalayan pinuh pangharepan jeung kahariwang. Aranjeunna téh jalma-jalma nu husu ka Kami.

وَالَّتِيْٓ اَحْصَنَتْ فَرْجَهَا فَنَفَخْنَا فِيْهَا مِنْ رُّوْحِنَا وَجَعَلْنٰهَا وَابْنَهَآ اٰيَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ٩١
Wal-latī aḥṣanat farjahā fa nafakhnā fīhā mir rūḥinā wa ja‘alnāhā wabnahā āyatal lil-‘ālamīn(a).
[91] (Sing inget kana kisah Maryam) nu geus ngajaga kahormatanana, tuluy Kami niupkeun (roh) ti Kami ka jero (waruga)na. Kami ngajadikeun anjeunna jeung putrana minangka tanda (kakawasaan Kami) keur sakumna alam.

اِنَّ هٰذِهٖٓ اُمَّتُكُمْ اُمَّةً وَّاحِدَةًۖ وَّاَنَا۠ رَبُّكُمْ فَاعْبُدُوْنِ٩٢
Inna hāżihī ummatukum ummataw wāḥidah(tan), wa ana rabbukum fa‘budūn(i).
[92] Saenyana ieu (agama taohid) téh nyaéta agama maranéh jeung agama nu hiji. Kami téh Pangéran maranéh. Ku kituna, maranéh kudu ibadah ka Kami.

وَتَقَطَّعُوْٓا اَمْرَهُمْ بَيْنَهُمْۗ كُلٌّ اِلَيْنَا رٰجِعُوْنَ ࣖ٩٣
Wa taqaṭṭa‘ū amrahum bainahum, kullun ilainā rāji‘ūn(a).
[93] Ngan maranéhna geus kabagi-bagi dina urusan (agama) ti antara maranéhna. Unggal-unggal (éta golongan) bakal mulang ka Kami.

فَمَنْ يَّعْمَلْ مِنَ الصّٰلِحٰتِ وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَا كُفْرَانَ لِسَعْيِهٖۚ وَاِنَّا لَهٗ كٰتِبُوْنَ٩٤
Famay ya‘mal minaṣ-ṣāliḥāti wa huwa mu'minun falā kufrāna lisa‘yih(ī), wa innā lahū kātibūn(a).
[94] Saha baé nu milampah amal soléh bari anjeunna iman, nya usahana moal dipungkir (gaplah). Saenyana Kami nu nyatetkeunana pikeun anjeunna.

وَحَرٰمٌ عَلٰى قَرْيَةٍ اَهْلَكْنٰهَآ اَنَّهُمْ لَا يَرْجِعُوْنَ٩٥
Wa ḥarāmun ‘alā qaryatin ahlaknāhā, innahum lā yarji‘ūn(a).
[95] Mustahil pikeun (pangeusi) hiji nagri anu ku Kami geus dibinasakeun bakal mulang deui (ka dunya)

حَتّٰىٓ اِذَا فُتِحَتْ يَأْجُوْجُ وَمَأْجُوْجُ وَهُمْ مِّنْ كُلِّ حَدَبٍ يَّنْسِلُوْنَ٩٦
Ḥattā iżā futiḥat ya'jūju wa ma'jūju wa hum min kulli ḥadabiy yansilūn(a).
[96] nepi ka mangsa (témbok) Ya’juj jeung Ma‘juj dibukakeun sarta maranéhna tarurun sajorélat ti sakabéh tempat nu luhur.

وَاقْتَرَبَ الْوَعْدُ الْحَقُّ فَاِذَا هِيَ شَاخِصَةٌ اَبْصَارُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۗ يٰوَيْلَنَا قَدْ كُنَّا فِيْ غَفْلَةٍ مِّنْ هٰذَا بَلْ كُنَّا ظٰلِمِيْنَ٩٧
Waqtarabal-wa‘dul-ḥaqqu fa iżā hiya syākhiṣatun abṣārul-lażīna kafarū, yā wailanā qad kunnā fī gaflatim min hāżā bal kunnā ẓālimīn(a).
[97] (Waktu) jangji anu bener (Poé Kiamat) geus beuki deukeut, nya ujug-ujug panénjo jalma-jalma kapir téh molotot. (Maranéhna nyarita), “Duh cilaka! Tétéla kuring saréréa geus campoléh tina ieu perkara, malahan kuring saréréa téh jadi jalma-jalma anu dolim.”

اِنَّكُمْ وَمَا تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ حَصَبُ جَهَنَّمَۗ اَنْتُمْ لَهَا وٰرِدُوْنَ٩٨
Innakum wa mā ta‘budūna min dūnillāhi ḥaṣabu jahannam(a), antum lahā wāridūn(a).
[98] Saenyana maranéh (jalma-jalma kapir) jeung naon sakabéh anu disembah ku maranéh salian ti Allah téh jadi suluhna (naraka) Jahanam. Maranéh (pasti) abus ka dinya.

لَوْ كَانَ هٰٓؤُلَاۤءِ اٰلِهَةً مَّا وَرَدُوْهَاۗ وَكُلٌّ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٩٩
Lau kāna hā'ulā'i ālihatam mā waradūhā, wa kullun fīhā khālidūn(a).
[99] Lamun seug éta (berhala-berhala) téh bener pangéran, tangtu maranéhna moal tigebrus (kana naraka). (Malah) sakabéhna bakal langgeng di dinyana.

لَهُمْ فِيْهَا زَفِيْرٌ وَّهُمْ فِيْهَا لَا يَسْمَعُوْنَ١٠٠
Lahum fīhā zafīruw wa hum fīhā lā yasma‘ūn(a).
[100] Maranéhna téh patingharegung tur patingjarerit di dinya (naraka), jeung maranéhna di dinya henteu bisaeun ngadéngé (naon-naon).

اِنَّ الَّذِيْنَ سَبَقَتْ لَهُمْ مِّنَّا الْحُسْنٰىٓۙ اُولٰۤىِٕكَ عَنْهَا مُبْعَدُوْنَ ۙ١٠١
Innal-lażīna sabaqat lahum minnal-ḥusnā, ulā'ika ‘anhā mub‘adūn(a).
[101] Saenyana jalma-jalma nu geus aya (papastén) nu hadé ti Kami bakal dijauhkeun (tina naraka).

لَا يَسْمَعُوْنَ حَسِيْسَهَاۚ وَهُمْ فِيْ مَا اشْتَهَتْ اَنْفُسُهُمْ خٰلِدُوْنَ ۚ١٠٢
Lā yasma‘ūna ḥasīsahā, wa hum fīmasytahat anfusuhum khālidūn(a).
[102] Aranjeunna henteu nguping gumuruhna (seuneu naraka) tur langgeng dina sakabéh (ni’mat) nu dipikahayang ku aranjeunna.

لَا يَحْزُنُهُمُ الْفَزَعُ الْاَكْبَرُ وَتَتَلَقّٰىهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُۗ هٰذَا يَوْمُكُمُ الَّذِيْ كُنْتُمْ تُوْعَدُوْنَ١٠٣
Lā yaḥzunuhumul-faza‘ul-akbaru wa tatalaqqāhumul-malā'ikah(tu), hāżā yaumukumul-lażī kuntum tū‘adūn(a).
[103] Kareuwas nu rongkah (Poé Kiamat) moal matak ngajadikeun aranjeunna nalangsa, sarta para malaikat bakal mapag aranjeunna (ku ucapan), “Nya ieu dintenan nu parantos dijangjikeun ka aranjeun téh.”

يَوْمَ نَطْوِى السَّمَاۤءَ كَطَيِّ السِّجِلِّ لِلْكُتُبِۗ كَمَا بَدَأْنَآ اَوَّلَ خَلْقٍ نُّعِيْدُهٗۗ وَعْدًا عَلَيْنَاۗ اِنَّا كُنَّا فٰعِلِيْنَ١٠٤
Yauma naṭwis-samā'a kaṭayyis-sijilli lil-kutib(i), kamā bada'nā awwala khalqin nu‘īduh(ū), wa‘dan ‘alainā, innā kunnā fā‘ilīn(a).
[104] (Sing inget) dina poéan Kami ngagulung langit lir ngagulung lambaran-lambaran catetan. Sakumaha Kami geus ngamimitian nyiptakeunana dina mangsa munggaran, nya kitu Kami bakal ngabalikan deui. (Éta téh hiji) jangji nu pasti dicumponan ku Kami. Saenyana Kami pasti ngalaksanakeunana.

وَلَقَدْ كَتَبْنَا فِى الزَّبُوْرِ مِنْۢ بَعْدِ الذِّكْرِ اَنَّ الْاَرْضَ يَرِثُهَا عِبَادِيَ الصّٰلِحُوْنَ١٠٥
Wa laqad katabnā fiz-zabūri mim ba‘diż-żikri annal-arḍa yariṡuhā ‘ibādiyaṣ-ṣāliḥūn(a).
[105] Kami geus nulis dina Kitab Jabur, 572 sanggeus (katulis) dina Az-Zikr (Loh Mahpud), yén ieu bumi téh bakal diwariskeun ka hamba-hamba Kami nu soléh.
572) Sakabéh kitab nu dilungsurkeun ku Allah ka nabi-nabi-Na. Sawaréh ahli tapsir nyebutkeun yén “Jabur” téh nyaéta Kitab nu diturunkeun ka Nabi Dawud a.s., sedengkeun Aż-Żikr mah nyaéta kitab Torét.

اِنَّ فِيْ هٰذَا لَبَلٰغًا لِّقَوْمٍ عٰبِدِيْنَ ۗ١٠٦
Inna fī hāżā labalāgal liqaumin ‘ābidīn(a).
[106] Saenyana dina ieu (Al-Qur’an) téh aya pituduh (nu lengkep) pikeun jalma-jalma nu ibadah (ka Allah).

وَمَآ اَرْسَلْنٰكَ اِلَّا رَحْمَةً لِّلْعٰلَمِيْنَ١٠٧
Wa mā arsalnāka illā raḥmatal lil-‘ālamīn(a).
[107] Kami henteu ngutus hidep (Muhammad) anging (jadi) rahmat pikeun sakumna alam.

قُلْ اِنَّمَا يُوْحٰىٓ اِلَيَّ اَنَّمَآ اِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌۚ فَهَلْ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ١٠٨
Qul innamā yūḥā ilayya annamā ilāhukum ilāhuw wāḥid(un), fahal antum muslimūn(a).
[108] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana anu diwahyukeun ka kuring téh taya lian anging (kayakinan) yén Pangéran aranjeun téh Pangéran Nu Mahatunggal. Ku kituna, naha aranjeun geus sumerah diri (ka Mantenna)?”

فَاِنْ تَوَلَّوْا فَقُلْ اٰذَنْتُكُمْ عَلٰى سَوَاۤءٍۗ وَاِنْ اَدْرِيْٓ اَقَرِيْبٌ اَمْ بَعِيْدٌ مَّا تُوْعَدُوْنَ١٠٩
Fa in tawallau fa qul āżantukum ‘alā sawā'(in), wa in adrī aqarībun am ba‘īdum mā tū‘adūn(a).
[109] Nya upama maranéhna ngabalieur, atuh pok caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring geus nerangkeun ka aranjeun (sakabéh ajaran nepi ka urang saréréa ngabogaan pangaweruh) anu sarua. Kuring teu nyaho naha geus téréh atawa lila kénéh tumibana anu diancamkeun ka aranjeun téh.

اِنَّهٗ يَعْلَمُ الْجَهْرَ مِنَ الْقَوْلِ وَيَعْلَمُ مَا تَكْتُمُوْنَ١١٠
Innahū ya‘lamul-jahra minal-qauli wa ya‘lamu mā taktumūn(a).
[110] Saleresna Mantenna (Allah) uninga kana omongan (nu diucapkeun ku aranjeun) kalayan terang-terangan sareng kana sakabéh anu dirasiahku ku aranjeun.

وَاِنْ اَدْرِيْ لَعَلَّهٗ فِتْنَةٌ لَّكُمْ وَمَتَاعٌ اِلٰى حِيْنٍ١١١
Wa in adrī la‘allahū fitnatul lakum wa matā‘un ilā ḥīn(in).
[111] Kuring teu nyaho yén bisa jadi éta (ditundana siksa) téh mangrupakeun cocoba pikeun aranjeun atawa kasenangan nepi ka hiji waktu nu geus ditangtukeun.”

قٰلَ رَبِّ احْكُمْ بِالْحَقِّۗ وَرَبُّنَا الرَّحْمٰنُ الْمُسْتَعَانُ عَلٰى مَا تَصِفُوْنَ ࣖ١١٢
Qāla rabbiḥkum bil-ḥaqq(i), wa rabbunar-raḥmānul-musta‘ānu ‘alā mā taṣifūn(a).
[112] Anjeunna (Muhammad) ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, mugi Gusti netepkeun kaputusan kalayan adil. Pangéran abdi sadaya téh nyaéta Nu Mahamurah anu sok disuhunkeun pitulung-Na tina sadaya nu ku maranéhna disipatkeun (dibohongkeun).”