Surah Ta Ha

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
طٰهٰ ۚ١
Ṭāhā.
[1] Ṭā Hā. 558
558) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

مَآ اَنْزَلْنَا عَلَيْكَ الْقُرْاٰنَ لِتَشْقٰٓى ۙ٢
Mā anzalnā ‘alaikal-qur'āna litasyqā.
[2] Kami teu nurunkeun Al-Qur’an ka hidep (Muhammad) supaya (hirup) hidep jadi susah,

اِلَّا تَذْكِرَةً لِّمَنْ يَّخْشٰى ۙ٣
Illā tażkiratal limay yakhsyā.
[3] tapi (supaya jadi) pépéling pikeun jalma-jalma anu sieun (ka Allah).

تَنْزِيْلًا مِّمَّنْ خَلَقَ الْاَرْضَ وَالسَّمٰوٰتِ الْعُلٰى ۗ٤
Tanzīlam mimman khalaqal-arḍa was-samāwātil-‘ulā.
[4] Lungsur ti (Allah) anu ngadamel bumi sareng langit anu luhur,

اَلرَّحْمٰنُ عَلَى الْعَرْشِ اسْتَوٰى٥
Ar- raḥmānu ‘alal-‘arsyistawā.
[5] Nu Mahawelas anu istiwā di ‘Arsy. 559
559) Tingal catetan kaki surat al-A`raf/7:44

لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا وَمَا تَحْتَ الثَّرٰى٦
Lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍi wa mā bainahumā wa mā taḥtaṡ-ṡarā.
[6] Kagungan Mantenna sagala anu aya di langit jeung nu aya di bumi, tur anu aya di antarana, ogé sagala anu aya di jero taneuh.

وَاِنْ تَجْهَرْ بِالْقَوْلِ فَاِنَّهٗ يَعْلَمُ السِّرَّ وَاَخْفٰى٧
Wa in tajhar bil-qauli fa innahū ya‘lamus-sirra wa akhfā.
[7] Saupama hidep (Muhammad) rék narikkeun sora, saenyana Mantenna mah uninga kana (sagala) rasiah ogé anu leuwih buni deui (tibatan éta).

اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ لَهُ الْاَسْمَاۤءُ الْحُسْنٰى٨
Allāhu lā ilāha illā huw(a), lahul-asmā'ul-ḥusnā.
[8] Allah, taya pangéran iwal ti Mantenna. Mantenna kagungan jenengan-jenengan anu saé.

وَهَلْ اَتٰىكَ حَدِيْثُ مُوْسٰى ۘ٩
Wa hal atāka ḥadīṡu mūsā.
[9] Naha geus nepi ka hidep (Muhammad) carita ngeunaan Musa?

اِذْ رَاٰ نَارًا فَقَالَ لِاَهْلِهِ امْكُثُوْٓا اِنِّيْٓ اٰنَسْتُ نَارًا لَّعَلِّيْٓ اٰتِيْكُمْ مِّنْهَا بِقَبَسٍ اَوْ اَجِدُ عَلَى النَّارِ هُدًى١٠
Iż ra'ā nāran fa qāla li'ahlihimkuṡū innī ānastu nāral la‘allī ātīkum minhā biqabasin au ajidu ‘alan-nāri hudā(n).
[10] Waktu ningali seuneu, anjeunna teras nyarios ka kulawargana, “Caricing nya aranjeun (di dieu)! Saenyana kuring ningali seuneu, sugan baé kuring bisa mawa obor keur aranjeun tina éta (seuneu), atawa kuring meunang pituduh di éta (tempat) seuneu.”

فَلَمَّآ اَتٰىهَا نُوْدِيَ يٰمُوْسٰٓى ۙ١١
Falammā atāhā nūdiya yā mūsā.
[11] Waktu geus datang ka éta tempat, anjeunna digeroan, “Hé Musa!

اِنِّيْٓ اَنَا۠ رَبُّكَ فَاخْلَعْ نَعْلَيْكَۚ اِنَّكَ بِالْوَادِ الْمُقَدَّسِ طُوًى ۗ١٢
Innī ana rabbuka fakhla‘ na‘laika innaka bil-wādil-muqaddasi ṭuwā(n).
[12] Saenyana Kami téh Allah, Pangéran hidep. Atuh prak geura laan éta dua tarumpah hidep! Saenyana hidep téh aya di léngkob Tuwā anu suci.

وَاَنَا اخْتَرْتُكَ فَاسْتَمِعْ لِمَا يُوْحٰى١٣
Wa anakhtartuka fastami‘ limā yūḥā.
[13] Kami geus milih hidep (jadi rasul). Ku sabab kitu, prak geura regepkeun naon anu rék diwahyukeun (ka anjeun)!

اِنَّنِيْٓ اَنَا اللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّآ اَنَا۠ فَاعْبُدْنِيْۙ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَ لِذِكْرِيْ١٤
Innanī anallāhu lā ilāha illā ana fa‘budnī, wa aqimiṣ-ṣalāta liżikrī.
[14] Saenyana Kami téh Allah. Teu aya pangéran iwal ti Kami, mangka geura ibadah ka Kami jeung pék adegkeun salat pikeun miéling ka Kami!

اِنَّ السَّاعَةَ اٰتِيَةٌ اَكَادُ اُخْفِيْهَا لِتُجْزٰى كُلُّ نَفْسٍۢ بِمَا تَسْعٰى١٥
Innas-sā‘ata ātiyatun akādu ukhfīhā litujzā kullu nafsim bimā tas‘ā.
[15] Saenyana Kiamat téh pasti bakal datang. Ngahaja Kami ngarasiahkeun (waktuna), supaya saban-saban diri meunang wawales tina sagala naon anu geus dipilampah ku manéhna.

فَلَا يَصُدَّنَّكَ عَنْهَا مَنْ لَّا يُؤْمِنُ بِهَا وَاتَّبَعَ هَوٰىهُ فَتَرْدٰى١٦
Falā yaṣuddannaka ‘anhā mal lā yu'minu bihā wattaba‘a hawāhu fa tardā.
[16] Kadé hidep ulah daék disasarkeun ku jalma anu teu iman kana éta (Poé Kiamat), tur sok nurutkeun kana hawa napsuna, sabab (lamun kitu) engké hidep bakal binasa.”

وَمَا تِلْكَ بِيَمِيْنِكَ يٰمُوْسٰى١٧
Wa mā tilka biyamīnika yā mūsā.
[17] (Allah ngadawuh,) “Ari éta naon dina leungeun katuhu hidep, hé Musa?”

قَالَ هِيَ عَصَايَۚ اَتَوَكَّؤُا عَلَيْهَا وَاَهُشُّ بِهَا عَلٰى غَنَمِيْ وَلِيَ فِيْهَا مَاٰرِبُ اُخْرٰى١٨
Qāla hiya ‘aṣāy(a), atwakka'u ‘alaihā wa ahusysyu bihā ‘alā ganamī wa liya fīhā ma'āribu ukhrā.
[18] Musa ngawaler, “Ieu téh iteuk abdi anu sok dianggé tetekenan ku abdi, sareng (kanggé) ngeprakkeun (daun) kanggo domba abdi, sareng (kanggo) kaperyogian-kaperyogian abdi anu sanésna.”

قَالَ اَلْقِهَا يٰمُوْسٰى١٩
Qāla alqihā yā mūsā.
[19] Allah ngadawuh, “Alungkeun éta (iteuk téh), hé Musa!”

فَاَلْقٰىهَا فَاِذَا هِيَ حَيَّةٌ تَسْعٰى٢٠
Fa alqāhā fa iżā hiya ḥayyatun tas‘ā.
[20] Nya Musa ngalungkeun éta (iteuk), na atuh ujug-ujug jleg baé éta (iteuk téh) jadi oray nu ngaléor kalayan gesit pisan.

قَالَ خُذْهَا وَلَا تَخَفْۗ سَنُعِيْدُهَا سِيْرَتَهَا الْاُوْلٰى٢١
Qāla khużhā wa lā takhaf, sanu‘īduhā sīratahal-ūlā.
[21] Allah ngadawuh, “Sok cokot éta (oray téh), tong sieun! Da Kami bakal mulangkeun deui éta oray kana wujudna nu mimiti (nyaéta iteuk)!

وَاضْمُمْ يَدَكَ اِلٰى جَنَاحِكَ تَخْرُجْ بَيْضَاۤءَ مِنْ غَيْرِ سُوْۤءٍ اٰيَةً اُخْرٰىۙ٢٢
Waḍmum yadaka ilā janāḥika takhruj baiḍā'a min gairi sū'in āyatan ukhrā.
[22] Tuluy dempét leungeun hidep dina kélék hidep, mangka éta leungeun bakal kaluar (tina kélék anjeun) sumirat bodas, bari jeung taya cawadeunana. (Tah éta téh) mujijat anu séjénna (keur anjeun).

لِنُرِيَكَ مِنْ اٰيٰتِنَا الْكُبْرٰى ۚ٢٣
Linuriyaka min āyātinal-kubrā.
[23] Sangkan Kami (bisa) némbongkeun ka hidep sawaréh tina tanda-tanda (kakawasaan) Kami anu pohara gedéna.

اِذْهَبْ اِلٰى فِرْعَوْنَ اِنَّهٗ طَغٰى ࣖ٢٤
Iżhab ilā fir‘auna innahū ṭagā.
[24] Geura indit anjeun ka Fir’aun, saenyana manéhna téh geus kalangsu.”

قَالَ رَبِّ اشْرَحْ لِيْ صَدْرِيْ ۙ٢٥
Qāla rabbisyraḥ lī ṣadrī.
[25] Musa ngawaler, “Nun Gusti Pangéran abdi, jembarkeun dada abdi,

وَيَسِّرْ لِيْٓ اَمْرِيْ ۙ٢٦
Wa yassir lī amrī.
[26] gampilkeun urusan abdi,

وَاحْلُلْ عُقْدَةً مِّنْ لِّسَانِيْ ۙ٢٧
Waḥlul ‘uqdatam mil lisānī.
[27] sareng leupaskeun gangguan tina lisan abdi,

يَفْقَهُوْا قَوْلِيْ ۖ٢٨
Yafqahū qaulī.
[28] supaya maranéhna ngartos kana cariosan abdi.

وَاجْعَلْ لِّيْ وَزِيْرًا مِّنْ اَهْلِيْ ۙ٢٩
Waj‘al lī wazīram min ahlī.
[29] Ogé pamugi Gusti ngangkat hiji jalmi anu tiasa ngabantosan abdi ti antawis kulawargi abdi,

هٰرُوْنَ اَخِى ۙ٣٠
Hārūna akhī.
[30] (nyaéta) Harun sadérék abdi.

اشْدُدْ بِهٖٓ اَزْرِيْ ۙ٣١
Usydud bihī azrī.
[31] Paparin kakuatan abdi ku (ayana) anjeunna,

وَاَشْرِكْهُ فِيْٓ اَمْرِيْ ۙ٣٢
Wa asyrik-hu fī amrī.
[32] sareng ilukeun anjeunna dina (sagala rupi) urusan abdi,

كَيْ نُسَبِّحَكَ كَثِيْرًا ۙ٣٣
Kai nusabbiḥaka kaṡīrā(n).
[33] supados abdi sadaya tiasa tasbéh ka Gusti saseueur-seueurna,

وَّنَذْكُرَكَ كَثِيْرًا ۗ٣٤
Wa nażkuraka kaṡīrā(n).
[34] sareng tiasa dikir ka Gusti saseueur-seueurna.

اِنَّكَ كُنْتَ بِنَا بَصِيْرًا٣٥
Innaka kunta binā baṣīrā(n).
[35] Saleresna Gusti téh Maha Ningali (kana kaayaan) abdi sadaya.”

قَالَ قَدْ اُوْتِيْتَ سُؤْلَكَ يٰمُوْسٰى٣٦
Qāla qad ūtīta su'laka yā mūsā.
[36] (Allah ngadawuh,) “Saenyana paménta hidep téh geus diijabah, hé Musa.”

وَلَقَدْ مَنَنَّا عَلَيْكَ مَرَّةً اُخْرٰىٓ ۙ٣٧
Wa laqad manannā ‘alaika marratan ukhrā.
[37] Tétéla Kami geus maparin ni’mat ka hidep sababaraha kali.

اِذْ اَوْحَيْنَآ اِلٰٓى اُمِّكَ مَا يُوْحٰىٓ ۙ٣٨
Iż auḥainā ilā ummika mā yūḥā.
[38] (Nyaéta) waktu Kami ngailhamkeun ka indung hidep (hiji) perkara anu diilhamkeun (ku Kami ka manéhna)

اَنِ اقْذِفِيْهِ فِى التَّابُوْتِ فَاقْذِفِيْهِ فِى الْيَمِّ فَلْيُلْقِهِ الْيَمُّ بِالسَّاحِلِ يَأْخُذْهُ عَدُوٌّ لِّيْ وَعَدُوٌّ لَّهٗ ۗوَاَلْقَيْتُ عَلَيْكَ مَحَبَّةً مِّنِّيْ ەۚ وَلِتُصْنَعَ عَلٰى عَيْنِيْ ۘ٣٩
Aniqżifīhi fit-tābūti faqżifīhi fil-yammi falyulqihil-yammu bis-sāḥili ya'khużhu ‘aduwwul lī wa ‘aduwwul lah(ū), wa alqaitu ‘alaika maḥabbatam minnī, wa lituṣna‘a ‘alā ‘ainī.
[39] “Pék simpen éta (orok Musa) téh di jero peti, tuluy palidkeun éta (peti téh) di wahangan (Nil), mangka éta wahangan bakal mawa éta (peti) ka mungguh cai, tah éngké éta (orok téh) bakal dipulung ku (Fir’aun) musuh Kami jeung musuh anjeun (Musa).” Kami geus namplokkeun kadeudeuh ka hidep, supaya hidep diasuh dina panalingaan Kami.”

اِذْ تَمْشِيْٓ اُخْتُكَ فَتَقُوْلُ هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلٰى مَنْ يَّكْفُلُهٗ ۗفَرَجَعْنٰكَ اِلٰٓى اُمِّكَ كَيْ تَقَرَّ عَيْنُهَا وَلَا تَحْزَنَ ەۗ وَقَتَلْتَ نَفْسًا فَنَجَّيْنٰكَ مِنَ الْغَمِّ وَفَتَنّٰكَ فُتُوْنًا ەۗ فَلَبِثْتَ سِنِيْنَ فِيْٓ اَهْلِ مَدْيَنَ ەۙ ثُمَّ جِئْتَ عَلٰى قَدَرٍ يّٰمُوْسٰى٤٠
Iż tamsyī ukhtuka fa taqūlu hal adullukum ‘alā may yakfuluh(ū), fa raja‘nāka ilā ummika kai taqarra ‘ainuhā wa lā taḥzan(a), wa qatalta nafsan fa najjaināka minal-gammi wa fatannāka futūnā(n), fa labiṡta sinīna fī ahli madyan(a), ṡumma ji'ta ‘alā qadariy yā mūsā.
[40] (Ogé sing inget) waktu lanceuk hidep nu awéwé leumpang (manggihan kulawarga Fir’aun) tuluy nyarita (ka maranéhna), “Naha kénging abdi nuduhkeun ka aranjeun jalmi anu bakal tiasa ngurus éta (orok)?” Nya Kami mulangkeun hidep ka indung hidep sangkan manéhna ngarasa tengtrem jeung henteu nalangsa deui. Hidep ogé (Musa) kungsi maéhan hiji jalma, tuluy Kami nyalametkeun hidep tina éta kasusah, jeung Kami nguji hidep ku rupa-rupa ujian, tuluy hidep nganjrek sababaraha taun lilana di antara pangeusi nagri Madyan, tuluy hidep datang (ka ieu léngkob) pas dina waktu anu geus ditangtukeun, hé Musa!

وَاصْطَنَعْتُكَ لِنَفْسِيْۚ٤١
Wasṭana‘tuka linafsī.
[41] Kami geus milih hidep pikeun (jadi rasul) keur Kami.

اِذْهَبْ اَنْتَ وَاَخُوْكَ بِاٰيٰتِيْ وَلَا تَنِيَا فِيْ ذِكْرِيْۚ٤٢
Iżhab anta wa akhūka bi'āyātī wa lā taniyā fī żikrī.
[42] Jung hidep jeung dulur hidep geura indit bari mawa tanda-tanda (kakawasaan) Kami, ngan kadé hidep duaan ulah kapopohokeun tina dikir ka Kami!

اِذْهَبَآ اِلٰى فِرْعَوْنَ اِنَّهٗ طَغٰىۚ٤٣
Iżhabā ilā fir‘auna innahū ṭagā.
[43] Bral geura arindit hidep duaan ka Fir’aun, sabab sabenerna manéhna téh geus kalangsu.

فَقُوْلَا لَهٗ قَوْلًا لَّيِّنًا لَّعَلَّهٗ يَتَذَكَّرُ اَوْ يَخْشٰى٤٤
Fa qūlā lahū qaulal layyinal la‘allahū yatażakkaru au yakhsyā.
[44] Pok omongkeun ku hidep duaan ka manéhna (Fir’aun) basa nu lemes sugan baé manéhna jadi sadar atawa boga kasieun.

قَالَا رَبَّنَآ اِنَّنَا نَخَافُ اَنْ يَّفْرُطَ عَلَيْنَآ اَوْ اَنْ يَّطْغٰى٤٥
Qālā rabbanā innanā nakhāfu ay yafruṭa ‘alainā au ay yaṭgā.
[45] Duanana ngawaler, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna abdi sadaya ngaraos rémpan boh bilih manéhna téh (kalah ka) nyiksa abdi sadaya, atanapi tambah kalangsu.”

قَالَ لَا تَخَافَآ اِنَّنِيْ مَعَكُمَآ اَسْمَعُ وَاَرٰى٤٦
Qāla lā takhāfā innanī ma‘akumā asma‘u wa arā.
[46] Allah ngadawuh, “Hidep duaan ulah rémpan, (sabab) saenyana Kami marengan hidep duaan. Kami ogé ngadéngékeun sarta ningalikeun.”

فَأْتِيٰهُ فَقُوْلَآ اِنَّا رَسُوْلَا رَبِّكَ فَاَرْسِلْ مَعَنَا بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ ەۙ وَلَا تُعَذِّبْهُمْۗ قَدْ جِئْنٰكَ بِاٰيَةٍ مِّنْ رَّبِّكَ ۗوَالسَّلٰمُ عَلٰى مَنِ اتَّبَعَ الْهُدٰى٤٧
Fa'tiyāhu fa qūlā innā rasūlā rabbika fa arsil ma‘anā banī isrā'īl(a), wa lā tu‘ażżibhum, qad ji'nāka bi'āyatim mir rabbik(a), was-salāmu ‘alā manittaba‘al-hudā.
[47] Ku kituna, jung geura datangan Fir’aun téh ku hidep duaan, tuluy caritakeun ku hidep duaan, “Sebenerna kuring duaan téh utusan Pangéran anjeun. Ku kituna, geura leupaskeun Bani lsraél (supaya) babareng jeung kuring duaan (kaluar ti nagri Mesir), jeung poma anjeun ulah rék nyiksa maranéhna, (sabab) sabenerna kuring duaan téh dongkap ka salira bari ngabantun mujijat ti Pangéran anjeun. Ari kasalametan téh mung kanggo jalmi anu tumut kana pituduh

اِنَّا قَدْ اُوْحِيَ اِلَيْنَآ اَنَّ الْعَذَابَ عَلٰى مَنْ كَذَّبَ وَتَوَلّٰى٤٨
Innā qad ūḥiya ilainā annal-‘ażāba ‘alā man każżaba wa tawallā.
[48] Sabenerna geus diwahyukeun ka kuring saréréa yén sabenerna siksaan téh pikeun saha baé jalma anu ngabohongkeun tur ngabalieur.”

قَالَ فَمَنْ رَّبُّكُمَا يٰمُوْسٰى٤٩
Qāla famar rabbukumā yā mūsā.
[49] Fir’aun nanya, “Naha saha kitu ari pangéran aranjeun duaan téh, hé Musa?”

قَالَ رَبُّنَا الَّذِيْٓ اَعْطٰى كُلَّ شَيْءٍ خَلْقَهٗ ثُمَّ هَدٰى٥٠
Qāla rabbunal-lażī a‘ṭā kulla syai'in khalqahū ṡumma hadā.
[50] Musa ngawaler, “Pangéran abdi sadaya téh nyaéta Gusti anu parantos maparin rupa ka sadaya mahluk, teras Mantenna téh maparin pituduh.”

قَالَ فَمَا بَالُ الْقُرُوْنِ الْاُوْلٰى٥١
Qāla famā bālul-qurūnil-ūlā.
[51] Fir’aun nanya, “Kumaha atuh nasib (kaayaan) umat-umat anu baheula?”

قَالَ عِلْمُهَا عِنْدَ رَبِّيْ فِيْ كِتٰبٍۚ لَا يَضِلُّ رَبِّيْ وَلَا يَنْسَىۖ٥٢
Qāla ‘ilmuhā ‘inda rabbī fī kitāb(in), lā yaḍillu rabbī wa lā yansā.
[52] Musa ngawaler, “Élmu ngeunaan éta (perkara) mah aya di mungguhing Pangéran abdi (anu kaunggel) dina Kitab (Loh Mahpud). Pangéran abdi moal kaliru sarta moal lali.”

الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ مَهْدًا وَّسَلَكَ لَكُمْ فِيْهَا سُبُلًا وَّاَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءًۗ فَاَخْرَجْنَا بِهٖٓ اَزْوَاجًا مِّنْ نَّبَاتٍ شَتّٰى٥٣
Al-lażī ja‘ala lakumul-arḍa mahdaw wa salaka lakum fīhā subulaw wa anzala minas-samā'i mā'ā(n), fa akhrajnā bihī azwājam min nabātin syattā.
[53] (Mantenna) anu geus ngajadikeun ieu bumi téh ngampar pikeun aranjeun, jeung geus ngajadikeun di éta bumi téh mangpirang-pirang jalan pikeun aranjeun, jeung nurunkeun cihujan ti langit, tuluy Kami ngaluarkeun ku éta cihujan téh rupa-rupa tutuwuhan.

كُلُوْا وَارْعَوْا اَنْعَامَكُمْ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّاُولِى النُّهٰى ࣖ٥٤
Kulū war‘au an‘āmakum, inna fī żālika la'āyātil li'ulin-nuhā.
[54] Pék aranjeun geura dalahar, jeung prak geura arangon ingon-ingon aranjeun! Saenyana dina éta (perkara) téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu boga pikiran anu jembar.

۞ مِنْهَا خَلَقْنٰكُمْ وَفِيْهَا نُعِيْدُكُمْ وَمِنْهَا نُخْرِجُكُمْ تَارَةً اُخْرٰى٥٥
Minhā khalaqnākum wa fīhā nu‘īdukum wa minhā nukhrijukum tāratan ukhrā.
[55] Tina éta (taneuh) Kami nyiptakeun aranjeun, kana éta (taneuh) Kami bakal mulangkeun aranjeun, jeung tina éta (taneuh) Kami bakal ngaluarkeun aranjeun sakali deui.

وَلَقَدْ اَرَيْنٰهُ اٰيٰتِنَا كُلَّهَا فَكَذَّبَ وَاَبٰى٥٦
Wa laqad araināhu āyātinā kullahā fa każżaba wa abā.
[56] Kami tétéla geus némbongkeun ka manéhna (Fir’aun) sakabéh tanda-tanda (kakawasaan) Kami, tapi manéhna (keukeuh) ngabohongkeun sarta nolak (narima bebeneran).

قَالَ اَجِئْتَنَا لِتُخْرِجَنَا مِنْ اَرْضِنَا بِسِحْرِكَ يٰمُوْسٰى٥٧
Qāla aji'tanā litukhrijanā min arḍinā bisiḥrika yā mūsā.
[57] Fir’aun ngomong, “Naha (maksud) anjeun datang ka kami téh rék ngusir kami ti nagri kami (sorangan) ku sihir anjeun, Hé Musa?

فَلَنَأْتِيَنَّكَ بِسِحْرٍ مِّثْلِهٖ فَاجْعَلْ بَيْنَنَا وَبَيْنَكَ مَوْعِدًا لَّا نُخْلِفُهٗ نَحْنُ وَلَآ اَنْتَ مَكَانًا سُوًى٥٨
Fa lana'tiyannaka bisiḥrim miṡlihī faj‘al bainanā wa bainaka mau‘idal lā nukhlifuhū naḥnu wa lā anta makānan suwā(n).
[58] (Mun kitu mah) kami ogé pasti (sanggup) ngadatangkeun sihir nu sabanding ka anjeun. Ku kituna, hayu urang nyieun jangji (adu jajatén) ti antara kami jeung anjeun anu moal disulayaan boh ku kami atawa ku anjeun, di hiji lapang anu lega.”

قَالَ مَوْعِدُكُمْ يَوْمُ الزِّيْنَةِ وَاَنْ يُّحْشَرَ النَّاسُ ضُحًى٥٩
Qāla mau‘idukum yaumuz-zīnati wa ay yuḥsyaran-nāsu ḍuḥā(n).
[59] Musa ngajawab, “(Heug kuring) jangji ka aranjeun. Waktuna (adu jajatén) téh dina poé lebaran jeung omat balaréa kudu dikumpulkeun (ku aranjeun ti) isuk kénéh.”

فَتَوَلّٰى فِرْعَوْنُ فَجَمَعَ كَيْدَهٗ ثُمَّ اَتٰى٦٠
Fa tawallā fir‘aunu fa jama‘a kaidahū ṡumma atā.
[60] Fir’aun terus ngaléos. Manéhna (satékah polah) ngumpulkeun tipu dayana (nyaéta tukang-tukang sihir. Nya sanggeus karumpul kabéh), tuluy manéhna datang (ka tempat jeung waktu nu geus dijangjikeun téa).

قَالَ لَهُمْ مُّوْسٰى وَيْلَكُمْ لَا تَفْتَرُوْا عَلَى اللّٰهِ كَذِبًا فَيُسْحِتَكُمْ بِعَذَابٍۚ وَقَدْ خَابَ مَنِ افْتَرٰى٦١
Qāla lahum mūsā wailakum lā taftarū ‘alallāhi każiban fa yusḥitakum bi‘ażab(in), wa qad khāba maniftarā.
[61] Musa nyarios ka maranéhna (nyaéta ka tukang-tukang sihirna Fir’aun), “Cilaka aranjeun! Poma aranjeun ulah rék jijieunan bohong ka Allah, nu ngalantarankeun Mantenna nibankeun siksaan ka aranjeun, jeung saenyana kacida rugina jalma anu sok jijieunan bohong mah.”

فَتَنَازَعُوْٓا اَمْرَهُمْ بَيْنَهُمْ وَاَسَرُّوا النَّجْوٰى٦٢
Fa tanāza‘ū amrahum bainahum wa asarrun-najwā.
[62] Nya (ngadéngé kitu mah) maranéhna (tukang-tukang sihir Fir’aun téh) pasalia paham di antara maranéhna sorangan ngeunaan éta urusan, bari pating kecewis.

قَالُوْٓا اِنْ هٰذٰنِ لَسَاحِرٰنِ يُرِيْدَانِ اَنْ يُّخْرِجٰكُمْ مِّنْ اَرْضِكُمْ بِسِحْرِهِمَا وَيَذْهَبَا بِطَرِيْقَتِكُمُ الْمُثْلٰى٦٣
Qālū in hāżāni lasāḥirāni yurīdāni ay yukhrijākum min arḍikum bisiḥrihimā wa yażhabā biṭarīqatikumul-muṡlā.
[63] Maranéhna (ahirna mah) nyarita, “(Ah) sabenerna mah ieu jalma nu duaan téh (taya lian iwal ti) tukang sihir anu hayang ngusir aranjeun ti nagri aranjeun ku sihir maranéhna duaan, jeung (hayang) ngancurkeun cara hirup aranjeun anu luhung.

فَاَجْمِعُوْا كَيْدَكُمْ ثُمَّ ائْتُوْا صَفًّاۚ وَقَدْ اَفْلَحَ الْيَوْمَ مَنِ اسْتَعْلٰى٦٤
Fa ajmi‘ū kaidakum ṡumma'tū ṣaffā(n), wa qad aflaḥal-yauma manista‘lā.
[64] Prak geura kumpulkeun tipu daya (sihir) aranjeun, tuluy geura makalangan aranjeun bari ngabaris. Saenyana kacida bagja pihak anu meunang dina poé ieu.”

قَالُوْا يٰمُوْسٰٓى اِمَّآ اَنْ تُلْقِيَ وَاِمَّآ اَنْ نَّكُوْنَ اَوَّلَ مَنْ اَلْقٰى٦٥
Qālū yā mūsā immā an tulqiya wa immā an nakūna awwala man alqā.
[65] Celengkeung maranéhna ngomong, “Hé Musa, saha anu rék ngamimitian ngalungkeun téh, anjeun atawa kami?”

قَالَ بَلْ اَلْقُوْاۚ فَاِذَا حِبَالُهُمْ وَعِصِيُّهُمْ يُخَيَّلُ اِلَيْهِ مِنْ سِحْرِهِمْ اَنَّهَا تَسْعٰى٦٦
Qāla bal alqū, fa iżā ḥibāluhum wa ‘iṣiyyuhum yukhayyalu ilaihi min siḥrihim annahā tas‘ā.
[66] Musa ngawaler, “Pék aranjeun baé nu ngalungkeun ti heula!” Ujug-ujug éta tambang-tambang jeung iteuk-iteuk maranéhna téh katingalina ku Musa mah patinglaléor (siga oray), ku sabab sihir maranéhna.

فَاَوْجَسَ فِيْ نَفْسِهٖ خِيْفَةً مُّوْسٰى٦٧
Fa aujasa fī nafsihī khīfatam mūsā.
[67] Mangka, ngagerentes dina manah Musa (rasa) kasieun.

قُلْنَا لَا تَخَفْ اِنَّكَ اَنْتَ الْاَعْلٰى٦٨
Qulnā lā takhaf innaka antal-a‘lā.
[68] Kami (Allah) ngadawuh, “Tong sieun, sabab hidep téh sabenerna leuwih unggul!

وَاَلْقِ مَا فِيْ يَمِيْنِكَ تَلْقَفْ مَا صَنَعُوْاۗ اِنَّمَا صَنَعُوْا كَيْدُ سٰحِرٍۗ وَلَا يُفْلِحُ السَّاحِرُ حَيْثُ اَتٰى٦٩
Wa alqi mā fī yamīnika talqaf mā ṣana‘ū, innamā ṣana‘ū kaidu sāḥir(in), wa lā yufliḥus-sāḥiru ḥaiṡu atā.
[69] Sok alungkeun éta (iteuk) nu aya dina leungeun katuhu hidep. Éta (iteuk) téh tangtu bakal ngalegleg sagala jijieunan maranéhna. Saenyana jijieunan maranéhna téh ngan ukur tipu daya tukang sihir, jeung moal bisa unggul éta tukang sihir ti beulah mana baé manéhna datang.”

فَاُلْقِيَ السَّحَرَةُ سُجَّدًا قَالُوْٓا اٰمَنَّا بِرَبِّ هٰرُوْنَ وَمُوْسٰى٧٠
Fa ulqiyas-saḥaratu sujjadan qālū āmannā birabbi hārūna wa mūsā.
[70] Nya brek baé atuh éta tukang-tukang sihir téh nyuuh sujud (bari) nyarita, “Abdi sadaya ayeuna mah parantos iman ka Pangéranana Harun sareng Musa.”

قَالَ اٰمَنْتُمْ لَهٗ قَبْلَ اَنْ اٰذَنَ لَكُمْۗ اِنَّهٗ لَكَبِيْرُكُمُ الَّذِيْ عَلَّمَكُمُ السِّحْرَۚ فَلَاُقَطِّعَنَّ اَيْدِيَكُمْ وَاَرْجُلَكُمْ مِّنْ خِلَافٍ وَّلَاُصَلِّبَنَّكُمْ فِيْ جُذُوْعِ النَّخْلِۖ وَلَتَعْلَمُنَّ اَيُّنَآ اَشَدُّ عَذَابًا وَّاَبْقٰى٧١
Qāla āmantum lahū qabla an āżana lakum, innahū lakabīrukumul-lażī ‘allamakumus-siḥr(a), fa la'uqaṭṭi‘anna aidiyakum wa arjulakum min khilāfiw wa la'uṣallibannakum fī jużū‘in-nakhl(i), wa lata‘lamunna ayyunā asyaddu ‘ażābaw wa abqā.
[71] Fir’aun nyarita, “Naha maranéh bet (langsung) iman ka Musa samaméh diidinan ku kami! Boa-boa manéhna téh geus ngajarkeun élmu sihir ka maranéh. Ku lantaran kitu, kami pasti bakal ngabuntungan leungeun-leungeun jeung suku-suku maranéh kalayan sungsang, jeung bakal nyalib maranéh dina tangkal-tangkal korma. Maranéh pasti bakal nyaho saha ti antara kami anu leuwih beurat jeung leuwih langgeng siksana.”

قَالُوْا لَنْ نُّؤْثِرَكَ عَلٰى مَا جَاۤءَنَا مِنَ الْبَيِّنٰتِ وَالَّذِيْ فَطَرَنَا فَاقْضِ مَآ اَنْتَ قَاضٍۗ اِنَّمَا تَقْضِيْ هٰذِهِ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا ۗ٧٢
Qālū lan nu'ṡiraka ‘alā mā jā'anā minal-bayyināti wal-lażī faṭaranā faqḍi mā anta qāḍ(in), innamā taqḍī hāżihil-ḥayātad-dun-yā.
[72] Maranéhna ngomong, “Kuring saréréa moal rék ngautamakeun anjeun (Fir’aun) tibatan bukti-bukti anu jelas anu geus datang ka kuring saréréa, ogé tibatan (Allah) anu geus nyiptakeun kuring saréréa. Ku sabab kitu, pék geura tibankeun éta (hukuman) nu ku anjeun (geus) diputuskeun téh, da saenyana anjeun mah ngan ukur (bisa) nibankeun hukuman dina kahirupan dunya wungkul.

اِنَّآ اٰمَنَّا بِرَبِّنَا لِيَغْفِرَ لَنَا خَطٰيٰنَا وَمَآ اَكْرَهْتَنَا عَلَيْهِ مِنَ السِّحْرِۗ وَاللّٰهُ خَيْرٌ وَّاَبْقٰى٧٣
Innā āmannā birabbinā liyagfira lanā khaṭāyānā wa mā akrahtanā ‘alaihi minas-siḥr(i), wallāhu khairuw wa abqā.
[73] Saenyana kuring saréréa bener-bener geus iman ka Pangéran kuring saréréa, supados Mantenna ngahapunten kana sadaya kasalahan kuring saréréa katut (dosa) sihir anu dilaksanakeun ku kuring saréréa lantaran dipaksa ku anjeun. Allah téh langkung saé (wawalesna) tur langkung langgeng (siksaana-Na).”

اِنَّهٗ مَنْ يَّأْتِ رَبَّهٗ مُجْرِمًا فَاِنَّ لَهٗ جَهَنَّمَ ۗ لَا يَمُوْتُ فِيْهَا وَلَا يَحْيٰى٧٤
Innahū may ya'ti rabbahū mujriman fa inna lahū jahannam(a), lā yamūtu fīhā wa lā yaḥyā.
[74] Saenyana saha baé anu datang ka Pangéranana dina kaayaan doraka, nya keur manéhna naraka Jahanam. Di dinya téh manéhna (diganggayong) paéh henteu hirup ogé henteu.

وَمَنْ يَّأْتِهٖ مُؤْمِنًا قَدْ عَمِلَ الصّٰلِحٰتِ فَاُولٰۤىِٕكَ لَهُمُ الدَّرَجٰتُ الْعُلٰى ۙ٧٥
Wa may ya'tihī mu'minan qad ‘amilaṣ-ṣāliḥāti fa ulā'ika lahumud-darajātul-‘ulā.
[75] (Sabalikna) saha baé anu sumping ka Pangéranana dina kaayaan iman (tur) tétéla geus milampah amal soléh, nya keur aranjeunna darajat anu luhur.

جَنّٰتُ عَدْنٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۗوَذٰلِكَ جَزَاۤءُ مَنْ تَزَكّٰى ࣖ٧٦
Jannātu ‘adnin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā, wa żālika jazā'u man tazakkā.
[76] (Nyaéta) sawarga Aden anu cur-cor di handapeunana walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di dinya. Tah éta téh ganjaran jalma anu sok ngajaga kasucian dirina.

وَلَقَدْ اَوْحَيْنَآ اِلٰى مُوْسٰٓى اَنْ اَسْرِ بِعِبَادِيْ فَاضْرِبْ لَهُمْ طَرِيْقًا فِى الْبَحْرِ يَبَسًاۙ لَّا تَخٰفُ دَرَكًا وَّلَا تَخْشٰى٧٧
Wa laqad auḥainā ilā mūsā an asri bi‘ibādī faḍrib lahum ṭarīqan fil-baḥri yabasā(n), lā takhāfu darakaw wa lā takhsyā.
[77] Sabenerna Kami geus maparin wahyu ka Musa, “Jung hidep geura indit ti peuting jeung hamba-hamba Kami (Bani Israél), tuluy teunggeul éta laut (Merah) téh ku hidep sangkan jadi jalan nu garing keur maranéhna. Hidep teu kudu hariwang (bakal) kasusul jeung teu kudu rémpan (bakal tilelep).”

فَاَتْبَعَهُمْ فِرْعَوْنُ بِجُنُوْدِهٖ فَغَشِيَهُمْ مِّنَ الْيَمِّ مَا غَشِيَهُمْ ۗ٧٨
Fa atba‘ahum fir‘aunu bijunūdihī fa gasyiyahum minal-yammi mā gasyiyahum.
[78] Nya Fir’aun jeung wadyabaladna ngudag Bani Israél. Na atuh (barang sup maranéhna kana jalan di éta laut) leb baé ombak éta laut téh ngagulung neuleumkeun maranéhna.

وَاَضَلَّ فِرْعَوْنُ قَوْمَهٗ وَمَا هَدٰى٧٩
Wa aḍalla fir‘aunu qaumahū wa mā hadā.
[79] Fir’aun téh (tétéla) geus nyasarkeun kaomna jeung teu pisan-pisan méré pituduh ka maranéhna

يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ قَدْ اَنْجَيْنٰكُمْ مِّنْ عَدُوِّكُمْ وَوٰعَدْنٰكُمْ جَانِبَ الطُّوْرِ الْاَيْمَنَ وَنَزَّلْنَا عَلَيْكُمُ الْمَنَّ وَالسَّلْوٰى٨٠
Yā banī isrā'īla qad anjainākum min ‘aduwwikum wa wā‘adnākum jānibaṭ-ṭūril-aimana wa nazzalnā ‘alaikumul-mannā was-salwā.
[80] Hé Bani Israél, saenyana Kami geus nyalametkeun maranéh ti musuh maranéh, geus nyieun jangji pasini jeung maranéh di sabeulah katuhueun gunung (Sinai), jeung geus nurunkeun keur maranéh Manna jeung Salwá.

كُلُوْا مِنْ طَيِّبٰتِ مَا رَزَقْنٰكُمْۙ وَلَا تَطْغَوْا فِيْهِ فَيَحِلَّ عَلَيْكُمْ غَضَبِيْۚ وَمَنْ يَّحْلِلْ عَلَيْهِ غَضَبِيْ فَقَدْ هَوٰى٨١
Kulū min ṭayyibāti mā razaqnākum, wa lā taṭgau fīhi fa yaḥilla ‘alaikum gaḍabī, wa may yaḥlil ‘alaihi gaḍabī faqad hawā.
[81] Pék geura dalahar ku maranéh tina (sawaréh) rejeki anu hadé anu geus dibikeun ku Kami ka maranéh, jeung poma ulah rék kalangsu nu nyababkeun maranéh meunang bebendu ti Kami. Saha baé anu meunang bebendu ti Kami, nya tétéla manéhna pasti cilaka.

وَاِنِّيْ لَغَفَّارٌ لِّمَنْ تَابَ وَاٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا ثُمَّ اهْتَدٰى٨٢
Wa innī lagaffārul liman tāba wa āmana wa ‘amila ṣāliḥan ṡummahtadā.
[82] Saenyana Kami téh bener-bener jembar pangampura ka jalma anu tobat sarta iman tur milampah amal soléh, tuluy manéhna tetep panceg dina pituduh.

۞ وَمَآ اَعْجَلَكَ عَنْ قَوْمِكَ يٰمُوْسٰى٨٣
Wa mā a‘jalaka ‘an qaumika yā mūsā.
[83] Hé Musa, naon sababna hidep maké buru-buru ninggalkeun kaom hidep?

قَالَ هُمْ اُولَاۤءِ عَلٰٓى اَثَرِيْ وَعَجِلْتُ اِلَيْكَ رَبِّ لِتَرْضٰى٨٤
Qāla hum ulā'i ‘alā aṡarī wa ‘ajiltu ilaika rabbi litarḍā.
[84] Musa ngawaler, “Maranéhna nuju nyusul nuturkeun tapak lacak abdi. Anapon (maksad) abdi énggal-énggal nepangan Gusti téh, supados Gusti rido (ka abdi).”

قَالَ فَاِنَّا قَدْ فَتَنَّا قَوْمَكَ مِنْۢ بَعْدِكَ وَاَضَلَّهُمُ السَّامِرِيُّ٨٥
Qāla fa innā qad fatannā qaumaka mim ba‘dika wa aḍallahumus-sāmiriyy(u).
[85] Allah ngadawuh, “Saenyana Kami geus nguji kaom hidep waktu (maranéhna ditinggalkeun ku) hidep, tah maranéhna téh ayeuna geus disasarkeun ku Samiri.”

فَرَجَعَ مُوْسٰٓى اِلٰى قَوْمِهٖ غَضْبَانَ اَسِفًا ەۚ قَالَ يٰقَوْمِ اَلَمْ يَعِدْكُمْ رَبُّكُمْ وَعْدًا حَسَنًا ەۗ اَفَطَالَ عَلَيْكُمُ الْعَهْدُ اَمْ اَرَدْتُّمْ اَنْ يَّحِلَّ عَلَيْكُمْ غَضَبٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ فَاَخْلَفْتُمْ مَّوْعِدِيْ٨٦
Fa raja‘a mūsā ilā qaumihī gaḍbāna asifā(n), qāla yā qaumi alam ya‘idkum rabbukum wa‘dan ḥasanā(n), afaṭāla ‘alaikumul-‘ahdu am arattum ay yaḥilla ‘alaikum gaḍabum mir rabbikum fa akhlaftum mau‘idī.
[86] Nya Musa mulang ka kaomna bari ambek tur handeueul. Musa ngagero, “Hé kaom kuring, apan Pangéran aranjeun téh geus ngajangjikeun ka aranjeun jangji anu hadé? Naha lila teuing éta jangji téh keur aranjeun? Atawa mémang aranjeun téh hayang meunang bebendu ti Pangéran aranjeun, nepi ka aranjeun (wani-wani) jalir kana jangji pasini ka kuring?”

قَالُوْا مَآ اَخْلَفْنَا مَوْعِدَكَ بِمَلْكِنَا وَلٰكِنَّا حُمِّلْنَآ اَوْزَارًا مِّنْ زِيْنَةِ الْقَوْمِ فَقَذَفْنٰهَا فَكَذٰلِكَ اَلْقَى السَّامِرِيُّ ۙ٨٧
Qālū mā akhlafnā mau‘idaka bimalkinā wa lākinnā ḥummilnā auzāram min zīnatil-qaumi fa qażafnāhā fa każālika alqas-sāmiriyy(u).
[87] Maranéhna ngajawab, “Abdi sadaya henteu ngahaja jalir kana jangji pasini ka anjeun, tapi abdi sadaya pan dipiwarang ngangkut babawaan (anu beurat) tina sabagian perhiasan kaom (Fir’aun), tah ku abdi sadaya éta (babawaan) téh dialungkeun (kana seuneu). Kitu deui Samiri.

فَاَخْرَجَ لَهُمْ عِجْلًا جَسَدًا لَّهٗ خُوَارٌ فَقَالُوْا هٰذَآ اِلٰهُكُمْ وَاِلٰهُ مُوْسٰى ەۙ فَنَسِيَ ۗ٨٨
Fa akhraja lahum ‘ijlan jasadal lahū khuwārun fa qālū hāżā ilāhukum wa ilāhu mūsā, fa nasiy(a).
[88] Tuluy (tina éta lombang seuneu téa) Samiri ngaluarkeun pikeun maranéhna (arca) anak sapi anu bisa disada, tuluy maranéhna ngomong, ‘Tah ieu pangéran maranéh jeung pangéran Musa téh, tapi Musa mah geus pohoeun.’”

اَفَلَا يَرَوْنَ اَلَّا يَرْجِعُ اِلَيْهِمْ قَوْلًا ەۙ وَّلَا يَمْلِكُ لَهُمْ ضَرًّا وَّلَا نَفْعًا ࣖ٨٩
Afalā yarauna allā yarji‘u ilaihim qaulā(n), wa lā yamliku lahum ḍarraw wa lā naf‘ā(n).
[89] Naha maranéhna henteu niténan kitu yén éta (arca anak sapi téh) teu bisaeun ngajawab omongan maranéhna, ogé teu kawasa (nibankeun) madarat atawa (méré) mangpa’at ka maranéhna?

وَلَقَدْ قَالَ لَهُمْ هٰرُوْنُ مِنْ قَبْلُ يٰقَوْمِ اِنَّمَا فُتِنْتُمْ بِهٖۚ وَاِنَّ رَبَّكُمُ الرَّحْمٰنُ فَاتَّبِعُوْنِيْ وَاَطِيْعُوْٓا اَمْرِيْ٩٠
Wa laqad qāla lahum hārūnu min qablu yā qaumi innamā futintum bih(ī), wa inna rabbakumur-raḥmānu fattabi‘ūnī wa aṭī‘ū amrī.
[90] Padahal saméméhna tétéla Harun geus nyarita ka maranéhna, “Hé kaom kuring, saenyana aranjeun téh didoja ku éta (arca anak sapi). Saenyana Pangéran aranjeun mah (Allah) Nu Mahawelas. Ku sabab kitu, sok tuturkeun kuring jeung omat kudu ta’at kana paréntah kuring.”

قَالُوْا لَنْ نَّبْرَحَ عَلَيْهِ عٰكِفِيْنَ حَتّٰى يَرْجِعَ اِلَيْنَا مُوْسٰى٩١
Qālū lan nabraḥa ‘alaihi ‘ākifīna ḥattā yarji‘a ilainā mūsā.
[91] Maranéhna nembalan, “Kami bakal tetep nyembah éta (arca anak sapi), nepi ka Musa mulang ka urang saréréa.”

قَالَ يٰهٰرُوْنُ مَا مَنَعَكَ اِذْ رَاَيْتَهُمْ ضَلُّوْٓا ۙ٩٢
Qāla yā hārūnu mā mana‘aka iż ra'aitahum ḍallū.
[92] Musa nyentak, “Hé Harun, naon nu ngahalangan anjeun (pikeun nyegah maranéhna), waktu anjeun ningali maranéhna sasar.

اَلَّا تَتَّبِعَنِۗ اَفَعَصَيْتَ اَمْرِيْ٩٣
Allā tattabi‘an(i), afa ‘aṣaita amrī.
[93] Naha anjeun henteu tumut deui ka kuring? Atawa anjeun téh ngahaja wangkelang kana paréntah kuring?”

قَالَ يَبْنَؤُمَّ لَا تَأْخُذْ بِلِحْيَتِيْ وَلَا بِرَأْسِيْۚ اِنِّيْ خَشِيْتُ اَنْ تَقُوْلَ فَرَّقْتَ بَيْنَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ وَلَمْ تَرْقُبْ قَوْلِيْ٩٤
Qāla yabna'umma lā ta'khuż biliḥyatī wa lā bira'sī, innī khasyītu an taqūla farraqta baina banī isrā'īla wa lam tarqub qaulī.
[94] Harun ngawaler, “Hé dulur saindung kuring, tong ngajenggut jangot jeung (buuk dina) sirah kuring! Saenyana kuring téh hariwang sok bisi anjeun bakal nyarita kieu (ka kuring), ‘Anjeun téh geus ngabaruntakkeun Bani Israél jeung henteu ngaéstokeun papatah ti kuring.’”

قَالَ فَمَا خَطْبُكَ يٰسَامِرِيُّ٩٥
Qāla famā khaṭbuka yā sāmiriyy(u).
[95] Musa nyentak (ka Samiri), “Naon alesan manéh (bet kitu peta), hé Samiri?”

قَالَ بَصُرْتُ بِمَا لَمْ يَبْصُرُوْا بِهٖ فَقَبَضْتُ قَبْضَةً مِّنْ اَثَرِ الرَّسُوْلِ فَنَبَذْتُهَا وَكَذٰلِكَ سَوَّلَتْ لِيْ نَفْسِيْ٩٦
Qāla baṣurtu bimā lam yabṣurū bihī fa qabaḍtu qabḍatam min aṡarir-rasūli fa nabażtuhā wa każālika sawwalat lī nafsī.
[96] Samiri némbal, “Kuring ningal hiji perkara anu teu kataringalieun ku maranéhna, nya kuring nyokot sakeupeul (taneuh) tina tapak rasul (Jibril), teras éta (taneuh) téh ku kuring dialungkeun (kana lombang seuneu). Kitu tah (haréwos) hawa napsu kuring ngadongsok ka kuring.”

قَالَ فَاذْهَبْ فَاِنَّ لَكَ فِى الْحَيٰوةِ اَنْ تَقُوْلَ لَا مِسَاسَۖ وَاِنَّ لَكَ مَوْعِدًا لَّنْ تُخْلَفَهٗۚ وَانْظُرْ اِلٰٓى اِلٰهِكَ الَّذِيْ ظَلْتَ عَلَيْهِ عَاكِفًا ۗ لَنُحَرِّقَنَّهٗ ثُمَّ لَنَنْسِفَنَّهٗ فِى الْيَمِّ نَسْفًا٩٧
Qāla fażhab fa inna laka fil-ḥayāti an taqūla lā misās(a), wa inna laka mau‘idal lan tukhlafah(ū), wanẓur ilā ilāhikal-lażī ẓalta ‘alaihi ‘ākifā(n), lanuḥarriqannahū ṡumma lanansifannahū fil-yammi nasfā(n).
[97] Musa nyentak (deui ka Samiri), “Jor manéh geura nyingkah (hé Samiri)! Saenyana hak manéh hirup (di dunya) ngan saukur bisa ngomong. Tong nyabak (ka kuring)! Saenyana keur manéh aya (hukuman) anu geus disadiakeun (di ahérat) anu moal bisa disingkahan ku manéh. Ténjo ku manéh pangéran manéh anu terus disembah-sembah ku manéh. Ku kami éta (arca anak sapi) téh rék diduruk, tuluy rék diawur-awur (ruhakna) ka laut nepi ka ambarayah.”

اِنَّمَآ اِلٰهُكُمُ اللّٰهُ الَّذِيْ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۗ وَسِعَ كُلَّ شَيْءٍ عِلْمًا٩٨
Innamā ilāhukumullāhul-lażī lā ilāha illā huw(a), wasi‘a kulla syai'in ‘ilmā(n).
[98] Saenyana Pangéran aranjeun téh Allah anu teu aya deui Pangéran iwal ti Mantenna. Élmu-Na ngalimpudan sagala perkara.

كَذٰلِكَ نَقُصُّ عَلَيْكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ مَا قَدْ سَبَقَۚ وَقَدْ اٰتَيْنٰكَ مِنْ لَّدُنَّا ذِكْرًا ۚ٩٩
Każālika naquṣṣu ‘alaika min ambā'i mā sabaq(a), wa qad ātaināka mil ladunnā żikrā(n).
[99] Tah kitu, Kami nyaritakeun ka hidep (Muhammad) sawaréh tina carita-carita (umat) anu geus kaliwat, jeung saenyana Kami geus maparin ka hidep (Muhammad) hiji pépéling (Al-Qur’an) ti mungguhing Kami.

مَنْ اَعْرَضَ عَنْهُ فَاِنَّهٗ يَحْمِلُ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وِزْرًا١٠٠
Man a‘raḍa ‘anhu fa innahū yaḥmilu yaumal-qiyāmati wizrā(n).
[100] Saha baé anu ngabalieur tina éta (Al-Qur’an), manéhna pasti bakal nanggung dosa gedé dina Poé Kiamat.

خٰلِدِيْنَ فِيْهِ ۗوَسَاۤءَ لَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ حِمْلًاۙ١٠١
Khālidīna fīh(i), wa sā'a lahum yaumal-qiyāmati ḥimlā(n).
[101] Maranéhna langgeng di dinya. Kacida goréngna tanggungan dosa maranéhna dina Poé Kiamat.

يَّوْمَ يُنْفَخُ فِى الصُّوْرِ وَنَحْشُرُ الْمُجْرِمِيْنَ يَوْمَىِٕذٍ زُرْقًا ۖ١٠٢
Yauma yunfakhu fiṣ-ṣūri wa naḥsyurul-mujrimīna yauma'iżin zurqā(n).
[102] (Nyaéta) poéan (waktu) sangkakala ditiup. Dina poé harita Kami bakal ngumpulkeun jalma-jalma doraka dina kaayaan (beungeutna) biru (geuneuk maleukmeuk).

يَّتَخَافَتُوْنَ بَيْنَهُمْ اِنْ لَّبِثْتُمْ اِلَّا عَشْرًا١٠٣
Yatakhāfatūna bainahum il labiṡtum illā ‘asyrā(n).
[103] Maranéhna pating haréwos jeung papada baturna, “Geuning maranéh téh henteu cicing (di alam dunya) anging ukur sapuluh poé.”

نَحْنُ اَعْلَمُ بِمَا يَقُوْلُوْنَ اِذْ يَقُوْلُ اَمْثَلُهُمْ طَرِيْقَةً اِنْ لَّبِثْتُمْ اِلَّا يَوْمًا ࣖ١٠٤
Naḥnu a‘lamu bimā yaqūlūna iż yaqūlu amṡaluhum ṭarīqatan il labiṡtum illā yaumā(n).
[104] Kami leuwih nyaho kana sagala anu diomongkeun ku maranéhna, waktu jalma anu pangjejegna jalan (hirupna) ti antara maranéhna nyarita, “Saenyana maranéh téh henteu cicing (di alam dunya) anging ngan ukur sapoé (lilana).”

وَيَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْجِبَالِ فَقُلْ يَنْسِفُهَا رَبِّيْ نَسْفًا ۙ١٠٥
Wa yas'alūnaka ‘anil-jibāli fa qul yansifuhā rabbī nasfā(n).
[105] Maranéhna nanya ka hidep (Muhammad) ngeunaan gunung-gunung. Sok jawab ku hidep, “Pangéran kuring bakal ngancurkeun éta gunung-gunung (dina Poé Kiamat) saancur-ancurna.

فَيَذَرُهَا قَاعًا صَفْصَفًا ۙ١٠٦
Fa yażaruhā qā‘an ṣafṣafā(n).
[106] Tuluy Mantenna bakal ngajadikeun éta (urut gunung-gunung téh) jadi rata,

لَّا تَرٰى فِيْهَا عِوَجًا وَّلَآ اَمْتًا ۗ١٠٧
Lā tarā fīhā ‘iwajaw wa lā amtā(n).
[107] (nepi ka) anjeun moal ningali deui aya taneuh anu legok atawa menjul.”

يَوْمَىِٕذٍ يَّتَّبِعُوْنَ الدَّاعِيَ لَا عِوَجَ لَهٗ ۚوَخَشَعَتِ الْاَصْوَاتُ لِلرَّحْمٰنِ فَلَا تَسْمَعُ اِلَّا هَمْسًا١٠٨
Yauma'iżiy yattabi‘ūnad-dā‘iya lā ‘iwaja lah(ū), wa khasya‘atil-aṣwātu lir-raḥmāni falā tasma‘u illā hamsā(n).
[108] Dina poé harita, maranéhna bakal (ngabring) nuturkeun (malaikat) anu ngagero bari henteu pungkal-péngkol. Kabéh sora jadi simpé lantaran (sieun) ku (Allah) Nu Mahaasih, nepi ka hidep moal ngadéngé (waktu harita) iwal ti ngan saukur (sora) pating kecewis.

يَوْمَىِٕذٍ لَّا تَنْفَعُ الشَّفَاعَةُ اِلَّا مَنْ اَذِنَ لَهُ الرَّحْمٰنُ وَرَضِيَ لَهٗ قَوْلًا١٠٩
Yauma'iżil lā tanfa‘usy-syafā‘atu illā man ażina lahur-raḥmānu wa raḍiya lahū qaulā(n).
[109] Dina poé harita moal aya gunana sapa’at, kajaba (sapa’atna) jalma anu diwidian ku (Allah) Nu Mahaasih, ogé anu Mantenna parantos rido kana ucapanana.

يَعْلَمُ مَا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْ وَلَا يُحِيْطُوْنَ بِهٖ عِلْمًا١١٠
Ya‘lamu mā baina aidīhim wa mā khalfahum wa lā yuḥīṭūna bihī ‘ilmā(n).
[110] Mantenna uninga ka sagala anu aya di hareupeun maranéhna (anu bakal kajadian) jeung sagala anu aya di satukangeun maranéhna (anu enggeus kajadian), sedengkeun ari élmu maranéhna mah moal bisa ngawengku élmuna Allah.

۞ وَعَنَتِ الْوُجُوْهُ لِلْحَيِّ الْقَيُّوْمِۗ وَقَدْ خَابَ مَنْ حَمَلَ ظُلْمًا١١١
Wa ‘anatil-wujūhu lil-ḥayyil-qayyūm(i), wa qad khāba man ḥamala ẓulmā(n).
[111] Sadaya raray ngeluk tungkul payuneun (Allah) Nu Mahahirup (tur) Nu Mahajumeneng. Tétéla kacida rugina jalma anu sok milampah kadoliman.

وَمَنْ يَّعْمَلْ مِنَ الصّٰلِحٰتِ وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَا يَخٰفُ ظُلْمًا وَّلَا هَضْمًا١١٢
Wa may ya‘mal minaṣ-ṣāliḥāti wa huwa mu'minun falā yakhāfu ẓulmaw wa lā haḍmā(n).
[112] Saha baé anu milampah (amal) anu soléh, bari (dina kaayaan) iman, mangka manéhna teu (kudu) ngarasa hariwang (bakal) didoliman atawa dikurangan hakna.

وَكَذٰلِكَ اَنْزَلْنٰهُ قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا وَّصَرَّفْنَا فِيْهِ مِنَ الْوَعِيْدِ لَعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ اَوْ يُحْدِثُ لَهُمْ ذِكْرًا١١٣
Wa każālika anzalnāhu qur'ānan ‘arabiyyaw wa ṣarrafnā fīhi minal-wa‘īdi la‘allahum yattaqūna au yuḥdiṡu lahum żikrā(n).
[113] Tah kitu, Kami geus nurunkeun éta (Al-Qur’an) téh dina basa Arab, jeung Kami geus mindeng ngajelaskeun dina éta (Al-Qur’an) rupa-rupa ancaman, supaya maranéhna takwa, atawa sangkan (éta Al-Qur’an téh) bisa ngahudangkeun kaéling maranéhna.

فَتَعٰلَى اللّٰهُ الْمَلِكُ الْحَقُّۚ وَلَا تَعْجَلْ بِالْقُرْاٰنِ مِنْ قَبْلِ اَنْ يُّقْضٰٓى اِلَيْكَ وَحْيُهٗ ۖوَقُلْ رَّبِّ زِدْنِيْ عِلْمًا١١٤
Fa ta‘ālallāhul-malikul-ḥaqq(u), wa lā ta‘jal bil-qur'āni min qabli ay yuqḍā ilaika waḥyuh(ū), wa qur rabbi zidnī ‘ilmā(n).
[114] Mahaluhung Allah, Raja anu saleresna. Poma hidep (Muhammad) ulah rék gurunggusuh maca Al-Qur’an saméméh jangkep turunna wahyu ka hidep, 560 sarta pék ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, tambihan (deui) élmu abdi!”
560) Allah nyegah Nabi Muhammad rurusuhan nuturkeun bacan Jibril a.s. sakalimat-sakalimat. Ieu ayat maréntahkeun anjeunna sangkan ngaregepkeun heula bacaan Jibril dugi ka rengsé, kakara ngapalkeun jeung ngaregepkeun eusina.

وَلَقَدْ عَهِدْنَآ اِلٰٓى اٰدَمَ مِنْ قَبْلُ فَنَسِيَ وَلَمْ نَجِدْ لَهٗ عَزْمًا ࣖ١١٥
Wa laqad ‘ahidnā ilā ādama min qablu fa nasiya wa lam najid lahū ‘azmā(n).
[115] Sabenerna Kami baheula geus ngawanti-wanti ka Adam, ngan manéhna pohoeun, tapi Kami henteu manggihan yén manéhna ngahaja (migawé éta dosa).

وَاِذْ قُلْنَا لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اسْجُدُوْا لِاٰدَمَ فَسَجَدُوْٓا اِلَّآ اِبْلِيْسَ اَبٰى ۗ١١٦
Wa iż qulnā lil-malā'ikatisjudū li'ādama fa sajadū illā iblīsa abā.
[116] (Nyaéta) waktu Kami ngadawuh ka para malaikat, “Geura sarujud ka Adam!” Atuh brek baé aranjeunna sujud, kajaba Iblis. Manéhna mah nolak.

فَقُلْنَا يٰٓاٰدَمُ اِنَّ هٰذَا عَدُوٌّ لَّكَ وَلِزَوْجِكَ فَلَا يُخْرِجَنَّكُمَا مِنَ الْجَنَّةِ فَتَشْقٰى١١٧
Fa qulnā yā ādamu inna hāżā ‘aduwwul laka wa lizaujika falā yukhrijannakumā minal-jannati fa tasyqā.
[117] Teras Kami ngadawuh, “Hé Adam, saenyana ieu (Iblis) téh musuh anjeun jeung istri anjeun. Ku kituna, poma manéhna tong nepi ka ngaluarkeun anjeun duaan ti sawarga, (sabab) lamun kitu anjeun bakal cilaka.”

اِنَّ لَكَ اَلَّا تَجُوْعَ فِيْهَا وَلَا تَعْرٰى ۙ١١٨
Inna laka allā tajū‘a fīhā wa lā ta‘rā.
[118] Saenyana aya (jaminan) pikeun anjeun di dinya (sawarga), anjeun moal ngalaman lapar jeung moal bubuligiran.

وَاَنَّكَ لَا تَظْمَؤُا فِيْهَا وَلَا تَضْحٰى١١٩
Wa annaka lā taẓma'u fīhā wa lā taḍḥā.
[119] Saenyana di sawarga mah anjeun téh moal halabhab jeung kapanasan.

فَوَسْوَسَ اِلَيْهِ الشَّيْطٰنُ قَالَ يٰٓاٰدَمُ هَلْ اَدُلُّكَ عَلٰى شَجَرَةِ الْخُلْدِ وَمُلْكٍ لَّا يَبْلٰى١٢٠
Fa waswasa ilaihisy-syaiṭānu qāla yā ādamu hal adulluka ‘alā syajaratil-khuldi wa mulkil lā yablā.
[120] Tuluy sétan ngaharéwos ka Adam. Pokna, “Hé Adam, naha anjeun daék teu ku kuring dituduhkeun kana tangkal Huldi jeung karajaan anu moal ancur binasa?”

فَاَكَلَا مِنْهَا فَبَدَتْ لَهُمَا سَوْءٰتُهُمَا وَطَفِقَا يَخْصِفٰنِ عَلَيْهِمَا مِنْ وَّرَقِ الْجَنَّةِۚ وَعَصٰىٓ اٰدَمُ رَبَّهٗ فَغَوٰى ۖ١٢١
Fa akalā minhā fa badat lahumā sau'ātuhumā wa ṭafiqā yakhṣifāni ‘alaihimā miw waraqil-jannah(ti), wa ‘aṣā ādamu rabbahū fa gawā.
[121] Nya duanana (Adam jeung Hawa) ngadahar (buah) tina éta (tangkal Huldi). Atuh bréh baé katémbong orat duanana. Maranéhna duaan buru-buru nutupan oratna ku dangdaunan sawarga. Tah Adam (harita) geus ma’siat ka Pangéranana jeung sasar. 561
561) Maksud Adam ma`siat: Nyaéta ngarempak kana panyaram Allah Swt. ku sabab poho, lain ngahajakeun. Ari maksudna Adam sasar nyaéta nurut kana pangajak sétan. Tah ieu kasalahan téh kaasup doraka gedé keur pangkat nabi samodél Nabi Adam mah.

ثُمَّ اجْتَبٰىهُ رَبُّهٗ فَتَابَ عَلَيْهِ وَهَدٰى١٢٢
Ṡummajtabāhu rabbuhū fa tāba ‘alaihi wa hadā.
[122] (Allah) milih anjeunna, 562 nya Mantenna nampi tobatna sareng maparin pituduh.
562) Allah milih Adam a.s. pikeun jadi jalma anu deukut ka Mantenna.

قَالَ اهْبِطَا مِنْهَا جَمِيْعًاۢ بَعْضُكُمْ لِبَعْضٍ عَدُوٌّ ۚفَاِمَّا يَأْتِيَنَّكُمْ مِّنِّيْ هُدًى ەۙ فَمَنِ اتَّبَعَ هُدَايَ فَلَا يَضِلُّ وَلَا يَشْقٰى١٢٣
Qālahbiṭā minhā jamī‘am ba‘ḍukum liba‘ḍin ‘aduww(un), fa immā ya'tiyannakum minnī hudā(n), fa manittaba‘a hudāya falā yaḍillu wa lā yasyqā.
[123] Allah ngadawuh, “Geura turun aranjeun kabéh ti ieu (sawarga). Sabagian ti (rundayan) aranjeun (bakal) jadi musuh keur sabagianana deui. Tah engké lamun datang ka aranjeun pituduh ti Kami, saha baé anu tumut kana éta pituduh, manéhna moal sasar tur moal cilaka

وَمَنْ اَعْرَضَ عَنْ ذِكْرِيْ فَاِنَّ لَهٗ مَعِيْشَةً ضَنْكًا وَّنَحْشُرُهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ اَعْمٰى١٢٤
Wa man a‘raḍa ‘an żikrī fa inna lahū ma‘īsyatan ḍankaw wa naḥsyuruhū yaumal-qiyāmati a‘mā.
[124] (Sabalikna) saha baé anu ngabalieur tina pépéling Kami, pasti manéhna bakal ngarandapan hirup anu rupek, jeung Kami bakal ngumpulkeun manéhna dina Poé Kiamat dina kaayaan lolong.

قَالَ رَبِّ لِمَ حَشَرْتَنِيْٓ اَعْمٰى وَقَدْ كُنْتُ بَصِيْرًا١٢٥
Qāla rabbi lima ḥasyartanī a‘mā wa qad kuntu baṣīrā(n).
[125] Manéhna nyarita, “Nun Gusti Pangéran abdi, ku naon bet ngempelkeun abdi dina kaayaan lolong, padahal abdi téh kapungkur mah ningali?”

قَالَ كَذٰلِكَ اَتَتْكَ اٰيٰتُنَا فَنَسِيْتَهَاۚ وَكَذٰلِكَ الْيَوْمَ تُنْسٰى١٢٦
Qāla każālika atatka āyātunā fa nasītahā, wa każālikal-yauma tunsā.
[126] Allah ngadawuh, “Tah kitu. Baheula kungsi datang ka manéh ayat-ayat Kami, tuluy manéh mopohokeun éta (ayat-ayat Kami). Ku sabab kitu, dina poé ieu mah (giliran) manéh nu dipopohokeun (ku Kami).”

وَكَذٰلِكَ نَجْزِيْ مَنْ اَسْرَفَ وَلَمْ يُؤْمِنْۢ بِاٰيٰتِ رَبِّهٖۗ وَلَعَذَابُ الْاٰخِرَةِ اَشَدُّ وَاَبْقٰى١٢٧
Wa każālika najzī man asrafa wa lam yu'mim bi'āyāti rabbih(ī), wa la‘ażābul-ākhirati asyaddu wa abqā.
[127] Tah kitu Kami males jalma anu kaleuleuwihi jeung teu iman kana ayat-ayat Pangéranana. Ari siksaan di ahérat téh leuwih beurat tur langgeng.

اَفَلَمْ يَهْدِ لَهُمْ كَمْ اَهْلَكْنَا قَبْلَهُمْ مِّنَ الْقُرُوْنِ يَمْشُوْنَ فِيْ مَسٰكِنِهِمْۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّاُولِى النُّهٰى ࣖ١٢٨
Afalam yahdi lahum kam ahlaknā qablahum minal-qurūni yamsyūna fī masākinihim, inna fī żālika la'āyātil li'ulin nuhā.
[128] Naha teu jadi pituduh kitu keur maranéhna (jalma-jalma musrik) yén geus pohara lobana Kami ngabinasakeun umat-umat saméméh maranéhna, padahal maranéhna téh sok ngaliwat ka (urut) tempat-tempat pamatuhanana? Sabenerna dina éta pérkara téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu boga pikiran anu jembar.

وَلَوْلَا كَلِمَةٌ سَبَقَتْ مِنْ رَّبِّكَ لَكَانَ لِزَامًا وَّاَجَلٌ مُّسَمًّى ۗ١٢٩
Wa lau lā kalimatun sabaqat mir rabbika lakāna lizāmaw wa ajalum musammā(n).
[129] Lamun mah saméméhna teu aya dawuhan ti Pangéran hidep (Muhammad), ogé teu aya ajal anu geus ditangtukeun, tangtu (éta siksaan téh) bakal tumiba (ka maranéhna waktu ieu kénéh).

فَاصْبِرْ عَلٰى مَا يَقُوْلُوْنَ وَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ قَبْلَ طُلُوْعِ الشَّمْسِ وَقَبْلَ غُرُوْبِهَا ۚوَمِنْ اٰنَاۤئِ الَّيْلِ فَسَبِّحْ وَاَطْرَافَ النَّهَارِ لَعَلَّكَ تَرْضٰى١٣٠
Faṣbir ‘alā mā yaqūlūna wa sabbiḥ biḥamdi rabbika qabla ṭulū‘isy-syamsi wa qabla gurūbihā, wa min ānā'il-laili fa sabbiḥ wa aṭrāfan-nahāri la‘allaka tarḍā.
[130] Ku kituna, hidep (Muhammad) kudu sabar ngayonan omongan maranéhna, sarta pék geura tasbéh ku muji Pangéran hidep saméméh meleték panonpoé jeung saméméh surupna. Ogé wanci tengah peuting pék hidep geura tasbéh, ogé di sawatara beurang, sangkan hidep rido.

وَلَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ اِلٰى مَا مَتَّعْنَا بِهٖٓ اَزْوَاجًا مِّنْهُمْ زَهْرَةَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ەۙ لِنَفْتِنَهُمْ فِيْهِ ۗوَرِزْقُ رَبِّكَ خَيْرٌ وَّاَبْقٰى١٣١
Wa lā tamuddanna ‘ainaika ilā mā matta‘nā bihī azwājam minhum zahratal-ḥayātid-dun-yā, linaftinahum fīh(i), wa rizqu rabbika khairuw wa abqā.
[131] Poma hidep ulah rék nyidikkeun rupa-rupa ni'mat anu geus dibikeun ku Kami ka sawatara golongan ti antara maranéhna (jalma-jalma kapir). (Éta mah ngan saukur) papaés kahirupan dunya, pikeun ngadoja maranéhna ku éta (kani’matan), sedengkeun ari rejeki Pangéran hidep téh leuwih hadé tur leuwih langgeng.

وَأْمُرْ اَهْلَكَ بِالصَّلٰوةِ وَاصْطَبِرْ عَلَيْهَاۗ لَا نَسْـَٔلُكَ رِزْقًاۗ نَحْنُ نَرْزُقُكَۗ وَالْعَاقِبَةُ لِلتَّقْوٰى١٣٢
Wa'mur ahlaka biṣ-ṣalāti waṣṭabir ‘alaihā, lā nas'aluka rizqā(n), naḥnu narzuquk(a), wal-‘āqibatu lit-taqwā.
[132] Pék paréntahkeun kulawarga hidep pikeun ngadegkeun salat jeung hidep kudu sabar dina ngalaksanakeunana. Kami teu ménta rejeki ka hidep, (sabalikna) Kami anu ngarejekian hidep. Ari akibat (anu hadé) téh pikeun jalma anu takwa.

وَقَالُوْا لَوْلَا يَأْتِيْنَا بِاٰيَةٍ مِّنْ رَّبِّهٖۗ اَوَلَمْ تَأْتِهِمْ بَيِّنَةُ مَا فِى الصُّحُفِ الْاُوْلٰى١٣٣
Wa qālū lau lā ya'tīnā bi'āyatim mir rabbih(ī), awalam ta'tihim bayyinatu mā fiṣ-ṣuḥufil-ūlā.
[133] Maranéh ngomong, “Naha atuh manéhna (Muhammad) téh teu mawa bukti (mujijat) ti Pangéranana?” Apan lain geus datang ka maranéhna bukti anu nyata (Al-Qur’an) anu ngaenyakeun kana sagala anu aya dina kitab-kitab anu samaméhna?

وَلَوْ اَنَّآ اَهْلَكْنٰهُمْ بِعَذَابٍ مِّنْ قَبْلِهٖ لَقَالُوْا رَبَّنَا لَوْلَآ اَرْسَلْتَ اِلَيْنَا رَسُوْلًا فَنَتَّبِعَ اٰيٰتِكَ مِنْ قَبْلِ اَنْ نَّذِلَّ وَنَخْزٰى١٣٤
Wa lau annā ahlaknāhum bi‘ażābim min qablihī laqālū rabbanā lau lā arsalta ilainā rasūlan fa nattabi‘a āyātika min qabli an nażilla wa nakhzā.
[134] Saupamana baé maranéhna téh geus dibinasakeun ku Kami ku hiji siksaan samaméh diturunkeun Al-Qur’an, tangtu maranéhna téh bakal nyarita kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, naha atuh Gusti téh henteu ngutus saurang rasul ka abdi sadaya, supados abdi sadaya téh tiasa tumut kana ayat-ayat Gusti, sateuacan abdi sadaya nandangan hina sareng wirang (samodél kieu)?”

قُلْ كُلٌّ مُّتَرَبِّصٌ فَتَرَبَّصُوْاۚ فَسَتَعْلَمُوْنَ مَنْ اَصْحٰبُ الصِّرَاطِ السَّوِيِّ وَمَنِ اهْتَدٰى ࣖ ۔١٣٥
Qul kullum mutarabbiṣun fa tarabbaṣū, fa sata‘lamūna man aṣḥābuṣ-ṣirāṭis-sawiyyi wa manihtadā.
[135] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Urang saréréa téh keur pada-pada ngadagoan. Atuh pék baé dagoan ku aranjeun! Engké ogé aranjeun bakal nyaho saha jalma anu jalanna bener jeung saha nu meunang pituduh.”