Surah Al-Baqarah

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤ ۚ١
Alif lām mīm.
[1] Alif Lām Mīm. 4
4) Sababaraha surat dina Al-Qur’an dibuka ku hurup abjad saperti Alif Lām Mīm, Alif Lām Rā, jeung sajabana. Makna éta hurup-hurup téh mung Allah anu uninga. Aya anu boga pamadegan yén éta hurup-hurup téh nyaéta ngaran surat; Aya ogé anu boga pamadegan yén éta hurup-hurup téh gunana keur narik perhatian, atawa keur ngaisaratkeun yén Al-Qur’an téh diturunkeun dina basa Arab anu disusun tina hurup-hurup abjad nu kasebut tadi.

ذٰلِكَ الْكِتٰبُ لَا رَيْبَ ۛ فِيْهِ ۛ هُدًى لِّلْمُتَّقِيْنَۙ٢
Żālikal-kitābu lā raiba fīh(i), hudal lil-muttaqīn(a).
[2] Ieu Kitab (Al-Qur’an) henteu aya kamangmangan di jerona, minangka pituduh pikeun jalma-jalma anu takwa, 5
5) Takwa nyaéta ngalaksanakeun sagala peréntah Allah jeung ngajauhan sagala larangana-Na.

الَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِالْغَيْبِ وَيُقِيْمُوْنَ الصَّلٰوةَ وَمِمَّا رَزَقْنٰهُمْ يُنْفِقُوْنَ ۙ٣
Al-lażīna yu'minūna bil-gaibi wa yuqīmūnaṣ-ṣalāta wa mimmā razaqnāhum yunfiqūn(a).
[3] (nyaéta) jalma-jalma anu iman ka nu gaib, anu ngadegkeun salat, anu ngainpakkeun 6 sabagian rejeki anu ku Kami geus dipaparinkeun ka aranjeunna,
6) Kaasup “ngainpakkeun harta di jalan Allah” nyaéta ngabalanjakeun harta pikeun kapentingan jihad, pangwangunan masjid, rumah sakit, upaya panaluntikan ilmiah, jeung sajabana.

وَالَّذِيْنَ يُؤْمِنُوْنَ بِمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ وَمَآ اُنْزِلَ مِنْ قَبْلِكَ ۚ وَبِالْاٰخِرَةِ هُمْ يُوْقِنُوْنَۗ٤
Wal-lażīna yu'minūna bimā unzila ilaika wa mā unzila min qablik(a), wabil-ākhirati hum yūqinūn(a).
[4] anu iman kana (Al-Qur’an) anu diturunkeun ka hidep (Muhammad) sarta kana (kitab-kitab) 7 anu diturunkeun ka saméméh hidep, jeung aranjeunna téh yakin kana (ayana) poé ahérat.
7) Anu diturunkeun ka nabi-nabi seméméh Nabi Muhammad Saw. nyaéta Torét, Jabur, Injil, jeung Suhuf-suhuf (lembaran-lembaran) anu henteu saperti Kitab.

اُولٰۤىِٕكَ عَلٰى هُدًى مِّنْ رَّبِّهِمْ ۙ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُفْلِحُوْنَ٥
Ulā'ika ‘alā hudam mir rabbihim wa ulā'ika humul-mufliḥūn(a).
[5] Aranjeunna pisan anu meunang pituduh ti Pangéranana jeung nya mung aranjeunna pisan anu meunang kabagjaan téh.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا سَوَاۤءٌ عَلَيْهِمْ ءَاَنْذَرْتَهُمْ اَمْ لَمْ تُنْذِرْهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ٦
Innal-lażīna kafarū sawā'un ‘alaihim a'anżartahum am lam tunżirhum lā yu'minūn(a).
[6] Sabenerna jalma-jalma anu kupur, 8 sarua baé pikeun maranéhna, naha hidep (Muhammad) méré pépéling atawa teu méré pépéling ka maranéhna, tetep baé maranéhna mah moal iman.
8) Kapir/nu kupur nyaéta jalma nu teu percaya ka Allah, rasul-rasul-Na, malaikat-malaikat-Na, kitab-kitab-Na, sarta Poé Kiamat.

خَتَمَ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ وَعَلٰى سَمْعِهِمْ ۗ وَعَلٰٓى اَبْصَارِهِمْ غِشَاوَةٌ وَّلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ ࣖ٧
Khatamallāhu ‘alā qulūbihim wa ‘alā sam‘ihim wa ‘alā abṣārihim gisyāwatuw wa lahum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[7] Allah geus ngonci haté jeung pangdéngé maranéhna. Panénjona ogé geus katutup. 9 Maranéhna bakal meunang siksaan anu kacida beuratna.
9) Ku lantaran kitu, naséhat atawa pituduh moal bisa asup ka jero haté maranéhna.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّقُوْلُ اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَبِالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَمَا هُمْ بِمُؤْمِنِيْنَۘ٨
Wa minan-nāsi may yaqūlu āmannā billāhi wa bil-yaumil-ākhiri wa mā hum bimu'minīn(a).
[8] Ti antara manusa aya anu nyarita kieu, “Kuring sadaya iman ka Allah jeung kana poé ahérat,” padahal maranéhna lain jalma-jalma anu iman.

يُخٰدِعُوْنَ اللّٰهَ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ۚ وَمَا يَخْدَعُوْنَ اِلَّآ اَنْفُسَهُمْ وَمَا يَشْعُرُوْنَۗ٩
Yukhādi‘ūnallāha wal-lażīna āmanū wa mā yakhda‘ūna illā anfusahum wa mā yasy‘urūn(a).
[9] Maranéhna téh seja nipu ka Allah jeung jalma-jalma anu iman, padahal maranéhna ngan nipu ka dirina sorangan bari teu nyadar.

فِيْ قُلُوْبِهِمْ مَّرَضٌۙ فَزَادَهُمُ اللّٰهُ مَرَضًاۚ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ ۢ ەۙ بِمَا كَانُوْا يَكْذِبُوْنَ١٠
Fī qulūbihim maraḍun fa zādahumullāhu maraḍā(n), wa lahum ‘ażābun alīmum bimā kānū yakżibūn(a).
[10] Dina haté maranéhna téh aya panyakit 10 tuluy ku Allah ditambahan panyakit anu séjén. Pikeun maranéhna siksaan anu kacida (matak) nyerina, lantaran maranéhna ngabohong.
10) Kasakit haté téh contona mangmang sarta teu yakin kana bebeneran, munapék, jeung teu boga iman.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ لَا تُفْسِدُوْا فِى الْاَرْضِۙ قَالُوْٓا اِنَّمَا نَحْنُ مُصْلِحُوْنَ١١
Wa iżā qīla lahum lā tufsidū fil-arḍ(i), qālū innamā naḥnu muṣliḥūn(a).
[11] Lamun seug dicaritakeun ka maranéhna, “Omat aranjeun ulah nyieun karuksakan di bumi,” 11 nya maranéhna ngajawab, “Saenyana kuring saréréa téh justru jalma-jalma anu nyieun kahadéan.”
11) Ngarémpang ajén-ajén anu ditetepkeun agama bakal ngakibatkeun ieu alam ruksak malah ancur.

اَلَآ اِنَّهُمْ هُمُ الْمُفْسِدُوْنَ وَلٰكِنْ لَّا يَشْعُرُوْنَ١٢
Alā innahum humul-mufsidūna wa lākil lā yasy‘urūn(a).
[12] Sing inget, sabenerna maranéhna pisan jalma-jalma anu nyieun karuksakan téh, ngan maranéhna mah teu sadar.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ اٰمِنُوْا كَمَآ اٰمَنَ النَّاسُ قَالُوْٓا اَنُؤْمِنُ كَمَآ اٰمَنَ السُّفَهَاۤءُ ۗ اَلَآ اِنَّهُمْ هُمُ السُّفَهَاۤءُ وَلٰكِنْ لَّا يَعْلَمُوْنَ١٣
Wa iżā qīla lahum āminū kamā āmanan nāsu qālū anu'minu kamā āmanas-sufahā'(u), alā innahum humus-sufahā'u wa lākil lā ya‘lamūn(a).
[13] Lamun seug dicaritakeun (deui) ka maranéhna, “Maranéh téh kudu iman saperti jalma-jalma (anu séjén ogé) iman!” nya maranéhna ngajawab, “Naha kuring saréréa kudu iman jiga imanna jalma-jalma anu kurang akal?” Sing inget, sabenerna nya maranéhna pisan anu kurang akal téh, ngan teu nyarahoeun.

وَاِذَا لَقُوا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا قَالُوْٓا اٰمَنَّا ۚ وَاِذَا خَلَوْا اِلٰى شَيٰطِيْنِهِمْ ۙ قَالُوْٓا اِنَّا مَعَكُمْ ۙاِنَّمَا نَحْنُ مُسْتَهْزِءُوْنَ١٤
Wa iżā laqul-lażīna āmanū qālū āmannā, wa iżā khalau ilā syayāṭīnihim qālū innā ma‘akum, innamā naḥnu mustahzi'ūn(a).
[14] Nalika papanggih jeung jalma-jalma anu iman, pok maranéhna ngomong, “Kuring sadaya téh geus iman.” Tapi lamun geus balik deui ka sétan-sétan (para pamingpin)na, maranéhna ngomong, “Sabenerna kuring saréréa téh babarengan jeung aranjeun. Kuring saréréa mah ngan ngageuhgeuykeun wungkul.”

اَللّٰهُ يَسْتَهْزِئُ بِهِمْ وَيَمُدُّهُمْ فِيْ طُغْيَانِهِمْ يَعْمَهُوْنَ١٥
Allāhu yastahzi'u bihim wa yamudduhum fī ṭugyānihim ya‘mahūn(a).
[15] Allah ogé bakal ngageuhgeuykeun maranéhna jeung ngantep maranéhna mandeg mayong dina kasasaranana.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اشْتَرَوُا الضَّلٰلَةَ بِالْهُدٰىۖ فَمَا رَبِحَتْ تِّجَارَتُهُمْ وَمَا كَانُوْا مُهْتَدِيْنَ١٦
Ulā'ikal-lażīnasytarawuḍ-ḍalālata bil-hudā, famā rabiḥat tijāratuhum wa mā kānū muhtadīn(a).
[16] Nya maranéhna anu meuli (nukeuran) kasasaran ku pituduh. Ku kituna, dagangna téh nya moal untung jeung maranéhna moal meunang pituduh.

مَثَلُهُمْ كَمَثَلِ الَّذِى اسْتَوْقَدَ نَارًا ۚ فَلَمَّآ اَضَاۤءَتْ مَا حَوْلَهٗ ذَهَبَ اللّٰهُ بِنُوْرِهِمْ وَتَرَكَهُمْ فِيْ ظُلُمٰتٍ لَّا يُبْصِرُوْنَ١٧
Maṡaluhum kamaṡalil-lażistauqada nārā(n), falammā aḍā'at mā ḥaulahūū żahaballāhu binūrihim wa tarakahum fī ẓulumātil lā yubṣirūn(a).
[17] Paupamaan maranéhna téh saperti jalma-jalma anu ngahurungkeun seuneu. Sanggeus (éta seuneu) nyaangan ka sakurilingeunana, pes baé Allah mareuman cahaya (anu nyaangan) maranéhna jeung ngantep dina kaayaan poék mongkléng teu barisaeun nénjo.

صُمٌّ ۢ بُكْمٌ عُمْيٌ فَهُمْ لَا يَرْجِعُوْنَۙ١٨
Ṣummum bukmun ‘umyun fahum lā yarji‘ūn(a).
[18] (Maranéhna téh) torék, pireu (tur) lolong nepi ka teu bisa balik deui (kana jalan pituduh).

اَوْ كَصَيِّبٍ مِّنَ السَّمَاۤءِ فِيْهِ ظُلُمٰتٌ وَّرَعْدٌ وَّبَرْقٌۚ يَجْعَلُوْنَ اَصَابِعَهُمْ فِيْٓ اٰذَانِهِمْ مِّنَ الصَّوَاعِقِ حَذَرَ الْمَوْتِۗ وَاللّٰهُ مُحِيْطٌۢ بِالْكٰفِرِيْنَ١٩
Au kaṣayyibim minas-samā'i fīhi ẓulumātuw wa ra‘duw wa barq(un), yaj‘alūna aṣābi‘ahum fī āżānihim minaṣ-ṣawā‘iqi ḥażaral-maut(i), wallāhu muḥīṭum bil- kāfirīn(a).
[19] Atawa saperti (jalma-jalma) kahujanan anu ngagebrét turun ti langit nu dibarengan poék mongkléng, guludug, jeung gelap. Maranéhna nyocokkan ceuli ku ramo-ramona (nyingkahan) sora gelap lantaran sieun paéh. Ari (panguninga) Allah téh apan ngawengku ka jalma-jalma kapir.

يَكَادُ الْبَرْقُ يَخْطَفُ اَبْصَارَهُمْ ۗ كُلَّمَآ اَضَاۤءَ لَهُمْ مَّشَوْا فِيْهِ ۙ وَاِذَآ اَظْلَمَ عَلَيْهِمْ قَامُوْا ۗوَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَذَهَبَ بِسَمْعِهِمْ وَاَبْصَارِهِمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ ࣖ٢٠
Yakādul-barqu yakhṭafu abṣārahum, kullamā aḍā'a lahum masyau fīh(i), wa iżā aẓlama ‘alaihim qāmū, wa lau syā'allāhu lażahaba bisam‘ihim wa abṣārihim, innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[20] Ampir baé éta gelap téh nyamber kana panénjo maranéhna. Dina unggal-unggal (éta gelap) ngaburinyay nyaangan maranéhna, nya maranéhna laleumpang di handapeun éta (kolényay), tapi barang (éta gelap) geus poék deui mah, maranéhna téh ngarandeg. Padahal lamun seug ngersakeun, tangtos tiasa baé Allah nyabut pangdéngé jeung panénjo maranéhna. Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوْا رَبَّكُمُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ٢١
Yā ayyuhan-nāsu‘budū rabbakumul-lażī khalaqakum wal-lażīna min qablikum la‘allakum tattaqūn(a).
[21] Hé sakabéh manusa, geura ibadah ka Pangéran maranéh anu geus nyiptakeun maranéh jeung jalma-jalma saméméh maranéh sangkan maranéh takwa!

الَّذِيْ جَعَلَ لَكُمُ الْاَرْضَ فِرَاشًا وَّالسَّمَاۤءَ بِنَاۤءً ۖوَّاَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَخْرَجَ بِهٖ مِنَ الثَّمَرٰتِ رِزْقًا لَّكُمْ ۚ فَلَا تَجْعَلُوْا لِلّٰهِ اَنْدَادًا وَّاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٢٢
Allażī ja‘ala lakumul-arḍa firāsyaw was-samā'a binā'ā(n), wa anzala minas-samā'i mā'an fa akhraja bihī minaṡ-ṡamarāti rizqal lakum, falā taj‘alū lillāhi andādaw wa antum ta‘lamūn(a).
[22] (Mantenna pisan) anu geus ngajadikeun bumi pikeun maranéh minangka amparan jeung (ngajantenkeun) langit minangka lalangit(na), sarta nurunkeun (cai) hujan ti langit, teras ngaluarkeun ku éta (cai hujan) pirang-pirang bubuahan minangka rejeki pikeun maranéh. Ku kituna, atuh omat pisan maranéh ulah rék ngayakeun tandingan-tandingan pikeun Allah, padahal maranéh sorangan ogé nyaho (yén éta téh dicegah).

وَاِنْ كُنْتُمْ فِيْ رَيْبٍ مِّمَّا نَزَّلْنَا عَلٰى عَبْدِنَا فَأْتُوْا بِسُوْرَةٍ مِّنْ مِّثْلِهٖ ۖ وَادْعُوْا شُهَدَاۤءَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٢٣
Wa in kuntum fī raibim mimmā nazzalnā ‘alā ‘abdinā fa'tū bisūratim mim miṡlih(ī), wad‘ū syuhadā'akum min dūnillāhi in kuntum ṣādiqīn(a).
[23] Lamun seug maranéh mangmang kana (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Kami ka hamba Kami (Muhammad), pék atuh coba jieun hiji surah anu sarupa kitu, jeung pék ajak pangéran-pangéran (nu disembah ku) maranéh salian ti Allah, mun enya maranéh jalma-jalma nu bener.

فَاِنْ لَّمْ تَفْعَلُوْا وَلَنْ تَفْعَلُوْا فَاتَّقُوا النَّارَ الَّتِيْ وَقُوْدُهَا النَّاسُ وَالْحِجَارَةُ ۖ اُعِدَّتْ لِلْكٰفِرِيْنَ٢٤
Fa'illam taf‘alū wa lan taf‘alū fattaqun-nāral-latī waqūduhan-nāsu wal-ḥijārah(tu), u‘iddat lil-kāfirīn(a).
[24] Lamun maranéh henteu bisa nyieun, jeung (pasti) moal bisa nyieun salilana, atuh maranéh kudu sieun ku naraka anu suluhna téh manusa jeung batu, anu disadiakeun pikeun jalma-jalma kapir.

وَبَشِّرِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ اَنَّ لَهُمْ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ ۗ كُلَّمَا رُزِقُوْا مِنْهَا مِنْ ثَمَرَةٍ رِّزْقًا ۙ قَالُوْا هٰذَا الَّذِيْ رُزِقْنَا مِنْ قَبْلُ وَاُتُوْا بِهٖ مُتَشَابِهًا ۗوَلَهُمْ فِيْهَآ اَزْوَاجٌ مُّطَهَّرَةٌ وَّهُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢٥
Wa basysyiril-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti anna lahum jannātin tajrī min taḥtihal- anhār(u), kullamā ruziqū minhā min ṡamaratir rizqā(n), qālū hāżal-lażī ruziqnā min qablu wa utū bihī mutasyābihā(n), wa lahum fīhā azwājum muṭahharatuw wa hum fīhā khālidūn(a).
[25] Pék bubungah ku hidep (Muhammad) jalma-jalma anu iman sarta migawé amal-amal soléh, yén sabenerna keur aranjeunna mah (geus disadiakeun) sawarga-sawarga anu di handapeunana téh cur-cor walungan-walungan. Unggal-unggal maranéhna dipaparinan rejeki mangrupa bubuahan ti éta (sawarga), maranéhna ngomong, “Ieu téh geuning rejeki anu geus dipaparinkeun ka urang sadaya saméméhna.” (Mémang) aranjeunna dipaparinan (bubuahan) nu sakarupa. Pikeun aranjeunna dina éta sawarga garwa-garwa anu suci, sarta aranjeunna téh langgeng di dinyana.

۞ اِنَّ اللّٰهَ لَا يَسْتَحْيٖٓ اَنْ يَّضْرِبَ مَثَلًا مَّا بَعُوْضَةً فَمَا فَوْقَهَا ۗ فَاَمَّا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا فَيَعْلَمُوْنَ اَنَّهُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّهِمْ ۚ وَاَمَّا الَّذِيْنَ كَفَرُوْا فَيَقُوْلُوْنَ مَاذَآ اَرَادَ اللّٰهُ بِهٰذَا مَثَلًا ۘ يُضِلُّ بِهٖ كَثِيْرًا وَّيَهْدِيْ بِهٖ كَثِيْرًا ۗ وَمَا يُضِلُّ بِهٖٓ اِلَّا الْفٰسِقِيْنَۙ٢٦
Innallāha lā yastaḥyī ay yaḍriba maṡalam mā ba‘ūḍatan famā fauqahā, fa'ammal- lażīna āmanū faya‘lamūna annahul-ḥaqqu mir rabbihim, wa ammal-lażīna kafarū fayaqūlūna māżā arādallāhu bihāżā maṡalā(n), yuḍillu bihī kaṡīraw wa yahdī bihī kaṡīrā(n), wa mā yuḍillu bihī illal-fāsiqīn(a).
[26] Saleresna Allah henteu ragu-ragu midamel paupamaan ku naon baé ogé (saperti umpamana) ku rametuk, malah ku nu leuwih lembut tibatan éta. Sedengkeun jalma-jalma anu iman mah tangtu aranjeunna terangeun yén sabenerna éta (paupamaan) téh bebeneran ti Pangéranana, tapi jalma-jalma nu kupur mah kalah ka ngomong kieu, “Naon maksudna Allah nyieun paupamaan ku nu kitu?” Mantenna nyasarkeun ku éta (paupamaan) ka jalma loba, 12 jeung deui Mantenna maparin pituduh ku éta (paupamaan) ka jalma nu loba ogé, tapi henteu aya nu disasarkeun ku Mantenna ku éta (paupamaan) iwal ti jalma-jalma pasék. 13
12) Éta jalma téh kasasar ku lantaran ingkar sarta embung nurut kana pituduh-pituduh Allah. Dina ieu ayat dijelaskeun: Ku lantaran éta jalma ingkar kana naon sababna Allah ngajantenkeun rambetuk minangka paupamaan, mangka éta jalma téh barobah jadi kasasar. 13) Jalma pasék nyaéta anu ngarempak katangtuan-katangtuan agama, boh mangrupa omongan boh mangrupa pagawéan.

الَّذِيْنَ يَنْقُضُوْنَ عَهْدَ اللّٰهِ مِنْۢ بَعْدِ مِيْثَاقِهٖۖ وَيَقْطَعُوْنَ مَآ اَمَرَ اللّٰهُ بِهٖٓ اَنْ يُّوْصَلَ وَيُفْسِدُوْنَ فِى الْاَرْضِۗ اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ٢٧
Allażīna yanquḍūna ‘ahdallāhi mim ba‘di mīṡāqih(ī), wa yaqṭa‘ūna mā amarallāhu bihī ay yūṣala wa yufsidūna fil-arḍ(i), ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[27] (Jalma-jalma pasék téh) nyaéta nu geus ngabolaykeun jangji Allah anu geus dipaheutkeun, megatkeun perkara anu ku Allah diparéntahkeun kudu disambungkeun, jeung ngaruksak di (ieu) bumi. Maranéhna nu kitu téh golongan jalma-jalma anu rugi.

كَيْفَ تَكْفُرُوْنَ بِاللّٰهِ وَكُنْتُمْ اَمْوَاتًا فَاَحْيَاكُمْۚ ثُمَّ يُمِيْتُكُمْ ثُمَّ يُحْيِيْكُمْ ثُمَّ اِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٢٨
Kaifa takfurūna billāhi wa kuntum amwātan fa'aḥyākum, ṡumma yumītukum ṡumma yuḥyīkum ṡumma ilaihi turja‘ūn(a).
[28] Ku naon pangna maranéh kupur ka Allah, padahal maranéh téh apan (asalna) paéh, tuluy Mantenna ngahirupkeun maranéh. Ti dinya Mantenna ngamaotkeun maranéh, Mantenna ngahirupkeun deui maranéh, sareng ti dinya maranéh bakal dipulangkeun ka Mantenna.

هُوَ الَّذِيْ خَلَقَ لَكُمْ مَّا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا ثُمَّ اسْتَوٰٓى اِلَى السَّمَاۤءِ فَسَوّٰىهُنَّ سَبْعَ سَمٰوٰتٍ ۗ وَهُوَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ࣖ٢٩
Huwal-lażī khalaqa lakum mā fil-arḍi jamī‘ā(n), ṡummastawā ilas-samā'i fasawwāhunna sab‘a samāwāt(in), wa huwa bikulli syai'in ‘alīm(un).
[29] Mantenna (Allah) anu geus midamel sagala nu aya di (ieu) bumi keur maranéh. Ti dinya Mantenna neja ka langit, atuh lajeng baé Mantenna nyampurnakeunna jadi tujuh langit. Mantenna Mahauninga kana sagala perkara.

وَاِذْ قَالَ رَبُّكَ لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اِنِّيْ جَاعِلٌ فِى الْاَرْضِ خَلِيْفَةً ۗ قَالُوْٓا اَتَجْعَلُ فِيْهَا مَنْ يُّفْسِدُ فِيْهَا وَيَسْفِكُ الدِّمَاۤءَۚ وَنَحْنُ نُسَبِّحُ بِحَمْدِكَ وَنُقَدِّسُ لَكَ ۗ قَالَ اِنِّيْٓ اَعْلَمُ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٣٠
Wa iż qāla rabbuka lil-malā'ikati innī jā‘ilun fil-arḍi khalīfah(tan), qālū ataj‘alu fīhā may yufsidu fīhā wa yasfikud-dimā'(a), wa naḥnu nusabbiḥu biḥamdika wa nuqaddisu lak(a), qāla innī a‘lamu mā lā ta‘lamūn(a).
[30] (Sing inget) nalika Pangéran hidep (Muhammad) ngadawuh ka para malaikat, “Sabenerna Kami rék ngangkat kalipah 14 di (ieu) bumi.” Aranjeunna (para malaikat) unjukan, “Naha Gusti badé ngangkat (kalipah) di lebet éta (bumi) jalmi anu bakal ngadamel kareksakkan sareng bakal ngocorkeun getih, padahal apan abdi sadaya (nu tara lirén) ngucapkeun tasbéh muji-muji ka Gusti mah sareng deui (salamina) nyucikeun (Jenengan) Gusti?” Mantenna ngawaler, “Sabenerna Kami Mahauninga kana sagala rupa anu henteu dipikinyaho ku aranjeun.”
14) Kalipah téh ngandung arti pangganti, pamingpin, tur pangawasa.

وَعَلَّمَ اٰدَمَ الْاَسْمَاۤءَ كُلَّهَا ثُمَّ عَرَضَهُمْ عَلَى الْمَلٰۤىِٕكَةِ فَقَالَ اَنْۢبِـُٔوْنِيْ بِاَسْمَاۤءِ هٰٓؤُلَاۤءِ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٣١
Wa ‘allama ādamal-asmā'a kullahā ṡumma ‘araḍahum ‘alal-malā'ikati faqāla ambi'ūnī bi'asmā'i hā'ulā'i in kuntum ṣādiqīn(a).
[31] (Lajeng) Mantenna ngawurukan Adam sakabéh ngaran (barang), teras Mantenna mintonkeun ka para malaikat, lajeng ngadawuh, “Coba sebutkeun ka Kami ngaran-ngaran éta kabéh (benda) lamun enya mah aranjeun bener!”

قَالُوْا سُبْحٰنَكَ لَا عِلْمَ لَنَآ اِلَّا مَا عَلَّمْتَنَا ۗاِنَّكَ اَنْتَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ٣٢
Qālū subḥānaka lā ‘ilma lanā illā mā ‘allamtanā, innaka antal-‘alīmul-ḥakīm(u).
[32] Aranjeunna (para malaikat) unjukan, “Mahasuci Gusti, abdi sadaya rumaos taya pisan katerang, kajabi anu parantos diwurukkeun ku Gusti ka abdi sadaya. Saleresna Gusti mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.”

قَالَ يٰٓاٰدَمُ اَنْۢبِئْهُمْ بِاَسْمَاۤىِٕهِمْ ۚ فَلَمَّآ اَنْۢبَاَهُمْ بِاَسْمَاۤىِٕهِمْۙ قَالَ اَلَمْ اَقُلْ لَّكُمْ اِنِّيْٓ اَعْلَمُ غَيْبَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۙ وَاَعْلَمُ مَا تُبْدُوْنَ وَمَا كُنْتُمْ تَكْتُمُوْنَ٣٣
Qāla yā ādamu ambi'hum bi'asmā'ihim, falammā amba'ahum bi'asmā'ihim, qāla alam aqul lakum innī a‘lamu gaibas-samāwāti wal-arḍ(i), wa a‘lamu mā tubdūna wa mā kuntum taktumūn(a).
[33] Mantenna malik ngadawuh (ka Adam), “Hé Adam, sok terangkeun ka aranjeunna (malaikat) ngaran-ngaran éta barang téh.” Sanggeus anjeunna nerangkeun ngaran-ngaran éta (barang) ka aranjeunna (para malaikat), Mantenna ngadawuh deui, “Apan Kami geus nyarita ka aranjeun yén sabenerna Kami nyaho kana rasiah di langit jeung di bumi, tur Kami nyaho kana naon anu ditémbongkeun jeung anu dirasiahkeun ku aranjeun!”

وَاِذْ قُلْنَا لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اسْجُدُوْا لِاٰدَمَ فَسَجَدُوْٓا اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ اَبٰى وَاسْتَكْبَرَۖ وَكَانَ مِنَ الْكٰفِرِيْنَ٣٤
Wa iż qulnā lil-malā'ikatisjudū li ādama fasajadū illā iblīs(a), abā wastakbara wa kāna minal-kāfirīn(a).
[34] Sing inget ogé hidep (Muhammad) waktu Kami maréntah ka para malaikat, “Prak geura sujud ka Adam (kalayan sujud kahormatan)!” Atuh tuluy aranjeunna pada sujud, iwal ti Iblis. 15 Manéhna nolak, nyombongkeun diri, jeung kaasup kana golongan anu kapir.
15) Iblis téh kaasup kelompok jin sarta kaasup anu diperéntah pikeun sujud.

وَقُلْنَا يٰٓاٰدَمُ اسْكُنْ اَنْتَ وَزَوْجُكَ الْجَنَّةَ وَكُلَا مِنْهَا رَغَدًا حَيْثُ شِئْتُمَاۖ وَلَا تَقْرَبَا هٰذِهِ الشَّجَرَةَ فَتَكُوْنَا مِنَ الظّٰلِمِيْنَ٣٥
Wa qulnā yā ādamuskun anta wa zaujukal-jannata wa kulā minhā ragadan ḥaiṡu syi'tumā, wa lā taqrabā hāżihisy-syajarata fa takūnā minaẓ-ẓālimīn(a).
[35] Kami geus ngadawuh, “Hé Adam, sok hidep jeung pamajikan hidep cicing di ieu sawarga, jeung pék ku hidep duaan dahar kalayan ni’mat (sagala rupa kadaharan anu aya) di dinya sakarep hidep, (tapi) omat ulah rék ngadeukeutan ieu tangkal, 16 sabab engké hidep bakal kaasup jalma-jalma anu dolim.” 17
16) Ceuk Iblis, saha anu ngadahar buah éta tangkal bakal abadi salilana aya di jero sawarga. 17) Dolim hartina kaniaya. Jalma anu dolim nyaéta anu ngalakukeun paggawéan kaniaya, anu ngarugikeun ka dirina sorangan atawa batur.

فَاَزَلَّهُمَا الشَّيْطٰنُ عَنْهَا فَاَخْرَجَهُمَا مِمَّا كَانَا فِيْهِ ۖ وَقُلْنَا اهْبِطُوْا بَعْضُكُمْ لِبَعْضٍ عَدُوٌّ ۚ وَلَكُمْ فِى الْاَرْضِ مُسْتَقَرٌّ وَّمَتَاعٌ اِلٰى حِيْنٍ٣٦
Fa'azallahumasy-syaiṭānu ‘anhā fa akhrajahumā mimmā kānā fīh(i), wa qulnahbiṭū ba‘ḍukum liba‘ḍin ‘aduww(un), wa lakum fil-arḍi mustaqarruw wa matā‘un ilā ḥīn(in).
[36] Tuluy sétan ngusrukkeun aranjeunna duaan ti éta sawarga nepi ka aranjeunna dikaluarkeun tina sagala (kani'matan sawarga) anu aranjeunna duaan kungsi aya di dinya. Kami ngadawuh, “Geura turun aranjeun (ti sawarga)! Sawaréh ti aranjeun jadi musuhna nu sawaréhna deui, jeung keur aranjeun di éta bumi (disadiakeun) tempat padumukan jeung kasenangan nepi ka hiji mangsa nu ditangtukeun!”

فَتَلَقّٰٓى اٰدَمُ مِنْ رَّبِّهٖ كَلِمٰتٍ فَتَابَ عَلَيْهِ ۗ اِنَّهٗ هُوَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ٣٧
Fatalaqqā ādamu mir rabbihī kalimātin fatāba ‘alaih(i), innahū huwat-tawwābur- raḥīm(u).
[37] Saterasna Adam nampi sababaraha kalimah 18 ti Pangéranana, nya Mantenna nampi kana tobatna (Adam). Saleresna Mantenna Maha Nampi Tobat (tur) Mahaasih.
18) Kecap “kalimah” nurutkeun sawaréh ahli tapsir nyaéta omongan pikeun ménta pangampura (tobat).

قُلْنَا اهْبِطُوْا مِنْهَا جَمِيْعًا ۚ فَاِمَّا يَأْتِيَنَّكُمْ مِّنِّيْ هُدًى فَمَنْ تَبِعَ هُدَايَ فَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٣٨
Qulnahbiṭū minhā jamī‘ā(n), fa'immā ya'tiyannakum minnī hudan faman tabi‘a hudāya falā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[38] Kami ngadawuh, “Jung aranjeun duaan geura turun ti ieu sawarga. 19 Engké upama bener-bener datang ka aranjeun pituduh ti Kami, mangka saha baé anu nurut kana éta pituduh Kami, tangtu moal aya rasa kasalempang dina dirina jeung maranéhna moal nalangsa.”
19) Nabi Adam a.s. sarta Hawa nuang buah tangkal anu dicegah téa, anu ngabalukarkeun aranjeunna diusir ku Allah ti sawarga sarta diturunkeun ka dunya.

وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَآ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ ࣖ٣٩
Wal-lażīna kafarū wa każżabū bi'āyātinā ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[39] Sedengkeun jalma-jalma anu kupur jeung ngabohongkeun kana ayat-ayat Kami, maranéhna bakal jadi pangeusi naraka. Maranéhna langgeng di dinyana téh.

يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اذْكُرُوْا نِعْمَتِيَ الَّتِيْٓ اَنْعَمْتُ عَلَيْكُمْ وَاَوْفُوْا بِعَهْدِيْٓ اُوْفِ بِعَهْدِكُمْۚ وَاِيَّايَ فَارْهَبُوْنِ٤٠
Yā banī isrā'īlażkurū ni‘matiyal-latī an‘amtu ‘alaikum wa aufū bi‘ahdī ūfi bi‘ahdikum, wa iyyāya farhabūn(i).
[40] Hé Bani Israél, 20 sing inget kana ni'mat (ti) Kami nu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéh jeung cumponan jangji 21 maranéh ka Kami, tangtu Kami ogé bakal nyumponan jangji Kami ka maranéh. Ka Kami wungkul nya maranéh kudu sieun téh.
20) Israél nyaéta sebutan pikeun Nabi Yaqub a.s. Bani Israél nyaéta turunan anjeunna. Ayeuna dipikawanoh ku ngaran bangsa Yahudi. 21) Ti antara jangji Bani Israél ka Allah nyaéta ngan nyembah ka Mantenna, henteu ngayakeun tandingan kanggo Mantenna, sarta iman ka Nabi Muhammad Saw. sakumaha anu kasebut di jero Torét.

وَاٰمِنُوْا بِمَآ اَنْزَلْتُ مُصَدِّقًا لِّمَا مَعَكُمْ وَلَا تَكُوْنُوْٓا اَوَّلَ كَافِرٍۢ بِهٖ ۖ وَلَا تَشْتَرُوْا بِاٰيٰتِيْ ثَمَنًا قَلِيْلًا ۖوَّاِيَّايَ فَاتَّقُوْنِ٤١
Wa āminū bimā anzaltu muṣaddiqal limā ma‘akum wa lā takūnū awwala kāfirim bih(ī), wa lā tasytarū bi'āyātī ṡamanan qalīlā(n), wa iyyāya fattaqūn(i).
[41] Sing iman maranéh kana (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Kami, anu ngaenyakeun kana (Torét) anu aya di maranéh. Maranéh ulah jadi jalma anu pangheulana kapir kana éta (Al-Qur’an), sarta ulah rék ngajualan ayat-ayat Kami kana pangaji anu saeutik. Ngan ka Kami wungkul maranéh kudu takwa téh.

وَلَا تَلْبِسُوا الْحَقَّ بِالْبَاطِلِ وَتَكْتُمُوا الْحَقَّ وَاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٤٢
Wa lā talbisul-ḥaqqa bil-bāṭili wa taktumul-ḥaqqa wa antum ta‘lamūn(a).
[42] Maranéh ulah rék nyampur-adukkeun nu bener jeung nu salah, 22 sarta ulah nyumputkeun anu bener padahal maranéh nyaho.
22) Batil hartina kesalahan, kejahatan, kemungkaran, jeung sajabana.

وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ وَارْكَعُوْا مَعَ الرّٰكِعِيْنَ٤٣
Wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta warka‘ū ma‘ar-rāki‘īn(a).
[43] Adegkeun ku maranéh salat, kaluarkeun jakat, jeung geura ruku babarengan jeung jalma-jalma (lianna) anu sok ruku.

۞ اَتَأْمُرُوْنَ النَّاسَ بِالْبِرِّ وَتَنْسَوْنَ اَنْفُسَكُمْ وَاَنْتُمْ تَتْلُوْنَ الْكِتٰبَ ۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٤٤
Ata'murūnan-nāsa bil-birri wa tansauna anfusakum wa antum tatlūnal-kitāb(a), afalā ta‘qilūn(a).
[44] Naha geuning maranéh téh sok nitah batur migawé kahadéan, bari mopohokeun kana diri maranéh sorangan, padahal maranéh sok maca Kitab. Naha maranéh téh teu ngagunakeun akal?

وَاسْتَعِيْنُوْا بِالصَّبْرِ وَالصَّلٰوةِ ۗ وَاِنَّهَا لَكَبِيْرَةٌ اِلَّا عَلَى الْخٰشِعِيْنَۙ٤٥
Wasta‘īnū biṣ-ṣabri waṣ-ṣalāh(ti), wa innahā lakabīratun illā ‘alal-khāsyi‘īn(a).
[45] Prak aranjeun geura ménta pitulung (ka Allah) ku (jalan) sabar jeung salat! Mémang sabenerna (salat) téh beurat pisan kajaba keur jalma-jalma anu husu,

الَّذِيْنَ يَظُنُّوْنَ اَنَّهُمْ مُّلٰقُوْا رَبِّهِمْ وَاَنَّهُمْ اِلَيْهِ رٰجِعُوْنَ ࣖ٤٦
Allażīna yaẓunnūna annahum mulāqū rabbihim wa annahum ilaihi rāji‘ūn(a).
[46] (nyaéta) jalma-jalma anu boga kayakinan yén sabenerna maranéhna téh bakal tepung jeung Pangéranana jeung yén sabenerna maranéhna bakal mulang ka Mantenna.

يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اذْكُرُوْا نِعْمَتِيَ الَّتِيْٓ اَنْعَمْتُ عَلَيْكُمْ وَاَنِّيْ فَضَّلْتُكُمْ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ٤٧
Yā banī isrā'īlażkurū ni‘matiyal-latī an‘amtu ‘alaikum wa annī faḍḍaltukum ‘alal- ‘ālamīn(a).
[47] Hé Bani Israél, sing inget kana ni’mat Kami anu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéh, jeung apan sabenerna Kami geus ngunggulkeun maranéh batan sakabéh umat anu séjén di alam ieu (dina mangsa harita).

وَاتَّقُوْا يَوْمًا لَّا تَجْزِيْ نَفْسٌ عَنْ نَّفْسٍ شَيْـًٔا وَّلَا يُقْبَلُ مِنْهَا شَفَاعَةٌ وَّلَا يُؤْخَذُ مِنْهَا عَدْلٌ وَّلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَ٤٨
Wattaqū yaumal lā tajzī nafsun ‘an nafsin syai'aw wa lā yuqbalu minhā syafā‘atuw wa lā yu'khażu minhā ‘adluw wa lā hum yunṣarūn(a).
[48] Kudu sieun maranéh kana hiji poé (nalika) taya hiji jalma ogé anu bisa ngabéla anu lian saeutik ogé, jeung moal bakal ditarima sapaat (bébéla) 23 ti éta (jalma), jeung moal bakal ditarima tebusan ti éta (jalma), sarta maranéhna téh moal ditulungan.
23) Sapa’at téh nyaéta pitulung nu dibikeun ku rasul atawa jalma-jalma nu tinangtu pikeun ngahampangkeun siksa atawa tanggungan hiji jalma di ahérat, tangtuna kalayan widi Allah.

وَاِذْ نَجَّيْنٰكُمْ مِّنْ اٰلِ فِرْعَوْنَ يَسُوْمُوْنَكُمْ سُوْۤءَ الْعَذَابِ يُذَبِّحُوْنَ اَبْنَاۤءَكُمْ وَيَسْتَحْيُوْنَ نِسَاۤءَكُمْ ۗ وَفِيْ ذٰلِكُمْ بَلَاۤءٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ عَظِيْمٌ٤٩
Wa iż najjainākum min āli fir‘auna yasūmūnakum sū'al-‘ażābi yużabbiḥūna abnā'akum wa yastaḥyūna nisā'akum, wa fī żālikum balā'um mir rabbikum ‘aẓīm(un).
[49] (Sing inget ogé hé Bani Israél) waktu Kami nyalametkeun maranéh ti (Fir’aun 24 jeung) baladna Fir’aun anu nibankeun siksaan anu beurat ka maranéh. Maranéhna meuncitan anak-anak lalaki maranéh jeung ngantep ka anak-anak awéwé maranéh sina hirup. Nya di dinya (ayana) cocoba anu kacida beuratna ti Pangéran maranéh.
24) Fir’aun nyaéta gelar pikeun raja-raja Mesir di mangsa-mangsa nu geus kaliwat. Nurutkeun babad, Fir’aun di jaman Nabi Musa a.s. ngaranna Menephthan (1232-1224 SM) anakna Ramses.

وَاِذْ فَرَقْنَا بِكُمُ الْبَحْرَ فَاَنْجَيْنٰكُمْ وَاَغْرَقْنَآ اٰلَ فِرْعَوْنَ وَاَنْتُمْ تَنْظُرُوْنَ٥٠
Wa iż faraqnā bikumul-baḥra fa'anjainākum wa agraqnā āla fir‘auna wa antum tanẓurūn(a).
[50] (Sing inget ogé hé Bani Israél) nalika Kami meulah lautan pikeun maranéh, tuluy Kami nyalametkeun maranéh tur neuleumkeun Fir’aun jeung baladna bari jeung maranéh nyaksian.

وَاِذْ وٰعَدْنَا مُوْسٰىٓ اَرْبَعِيْنَ لَيْلَةً ثُمَّ اتَّخَذْتُمُ الْعِجْلَ مِنْۢ بَعْدِهٖ وَاَنْتُمْ ظٰلِمُوْنَ٥١
Wa iż wā‘adnā mūsā arba‘īna lailatan ṡummattakhażtumul-‘ijla mim ba‘dihī wa antum ẓālimūn(a).
[51] (Sing inget ogé hé Bani Israél) nalika Kami ngajangjikeun ka Musa opat puluh peuting. 25 Tuluy maranéh (Bani Israél) bet ngajadikeun (arca mangrupa) anak sapi (pikeun sesembahan) sanggeus (miang)na (Musa), jeung maranéh (jadi) jalma-jalma anu dolim.
25) Hiji témpo mangsa nu dijangjikeun ku Allah pikeun narima pitunjuk (Torét); tapi umat Nabi Musa a.s. teu sabar nungguanana. Ku kituna, maranéhna nyembah patung anak sapi nu dijieun ku Samiri.

ثُمَّ عَفَوْنَا عَنْكُمْ مِّنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٥٢
Ṡumma ‘afaunā ‘ankum mim ba‘di żālika la‘allakum tasykurūn(a).
[52] Tuluy Kami ngahampura ka maranéh sanggeus éta sangkan maranéh sukuran.

وَاِذْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ وَالْفُرْقَانَ لَعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَ٥٣
Wa iż ātainā mūsal-kitāba wal-furqāna la‘allakum tahtadūn(a).
[53] (Sing inget ogé hé Bani Israél) waktu Kami maparinkeun ka Musa Kitab jeung Furqān (anu ngabédakeun nu bener ti nu salah) sangkan maranéh meunang pituduh. 26
26) Nu dimaksud Kitab téh nyaéta Torét, sedengkeun nu dimaksud Furqān téh nyaéta katerangan-katerangan séjén pikeun ngabédakeun nu bener ti nu salah.

وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهٖ يٰقَوْمِ اِنَّكُمْ ظَلَمْتُمْ اَنْفُسَكُمْ بِاتِّخَاذِكُمُ الْعِجْلَ فَتُوْبُوْٓا اِلٰى بَارِىِٕكُمْ فَاقْتُلُوْٓا اَنْفُسَكُمْۗ ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ عِنْدَ بَارِىِٕكُمْۗ فَتَابَ عَلَيْكُمْ ۗ اِنَّهٗ هُوَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ٥٤
Wa iż qāla mūsā liqaumihī yā qaumi innakum ẓalamtum anfusakum bittikhāżikumul- ‘ijla fatūbū ilā bāri'ikum faqtulū anfusakum, żālikum khairul lakum ‘inda bāri'ikum, fatāba ‘alaikum, innahū huwat-tawwābur-raḥīm(u).
[54] (Sing inget ogé hé Bani Israél) nalika Musa nyanggem ka kaomna, “Hé kaom kuring! Aranjeun bener-bener geus ngadoliman diri aranjeun sorangan ku ngajadikeun (arca mangrupa) anak sapi (pikeun sesembahan). Ku kituna, geura tobat ka anu midamel aranjeun. Pék geura paéhan diri aranjeun! 27 Kitu téh leuwih alus pikeun aranjeun mungguh nu midamel aranjeun. Mantenna bakal nampi tobat aranjeun. Saleresna Mantenna Maha Pangampunten (tur) Mahaasih.”
27) ”Ngabunuh diri anjeun” aya nu ngartikeun jalma-jalma nu teu nyembah kana patung anak sapi maéhan jalma nu nyembah kana éta patung. Aya ogé nu ngartikeun yén jalma nu nyembah patung anak sapi silih paéhan. Aya ogé nu ngartikeun maranéhna dititah maéhan diri maranéhna séwang-séwang dina ngalaksanakeun tobat.

وَاِذْ قُلْتُمْ يٰمُوْسٰى لَنْ نُّؤْمِنَ لَكَ حَتّٰى نَرَى اللّٰهَ جَهْرَةً فَاَخَذَتْكُمُ الصّٰعِقَةُ وَاَنْتُمْ تَنْظُرُوْنَ٥٥
Wa iż qultum yā mūsā lan nu'mina laka ḥattā narallāha jahratan fa'akhażatkumuṣ-ṣā‘iqatu wa antum tanẓurūn(a).
[55] (Sing inget ogé hé Bani Israél) nalika maranéh ngomong, “Hé Musa, kuring saréréa moal percaya ka anjeun saméméh ningal Allah kalayan jelas!” Ku kituna, maranéh dibéntar gelap, bari jeung maranéh nyaksian (sorangan).

ثُمَّ بَعَثْنٰكُمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَوْتِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٥٦
Ṡumma ba‘aṡnākum mim ba‘di mautikum la‘allakum tasykurūn(a).
[56] Tuluy Kami ngahudangkeun deui maranéh sanggeusna paéh sangkan maranéh sukuran.

وَظَلَّلْنَا عَلَيْكُمُ الْغَمَامَ وَاَنْزَلْنَا عَلَيْكُمُ الْمَنَّ وَالسَّلْوٰى ۗ كُلُوْا مِنْ طَيِّبٰتِ مَا رَزَقْنٰكُمْ ۗ وَمَا ظَلَمُوْنَا وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ٥٧
Wa ẓallalnā ‘alaikumul-gamāma wa anzalnā ‘alaikumul-manna was-salwā, kulū min ṭayyibāti mā razaqnākum, wa mā ẓalamūnā wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[57] Kami ogé geus ngiuhan maranéh ku méga sarta nurunkeun “mannā” jeung “salwā” 28 pikeun maranéh. Pék dalahar (dadaharan) nu aralus nu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéh! Maranéhna téh henteu ngadoliman Kami, tapi maranéhna sorangan nu sok ngadoliman dirina.
28) Mannā téh sarupa madu, sedengkeun Salwā sarupa jeung manuk puyuh.

وَاِذْ قُلْنَا ادْخُلُوْا هٰذِهِ الْقَرْيَةَ فَكُلُوْا مِنْهَا حَيْثُ شِئْتُمْ رَغَدًا وَّادْخُلُوا الْبَابَ سُجَّدًا وَّقُوْلُوْا حِطَّةٌ نَّغْفِرْ لَكُمْ خَطٰيٰكُمْ ۗ وَسَنَزِيْدُ الْمُحْسِنِيْنَ٥٨
Wa iż qulnadkhulū hāżihil-qaryata fakulū minhā ḥaiṡu syi'tum ragadaw wadkhulul- bāba sujjadaw wa qūlū ḥiṭṭatun nagfir lakum khaṭāyākum, wa sanazīdul-muḥsinīn(a).
[58] (Sing inget ogé) nalika Kami ngomong (ka Bani Israél), “Geura arasup ka ieu nagri (Baitul Maqdis). Pék dalahar sawaregna (sagala dahareun) nu aya di dinya sakarep maranéh. Geura arasup kana panto gerbang(na) bari dongko jeung ucapkeun ku maranéh, ‘Mugia Gusti ngahampunten ka abdi sadaya!’ Kami tangtu ngahampura ka maranéh tina dosa-dosa maranéh jeung bakal nambahan (kurnia) ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.”

فَبَدَّلَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا قَوْلًا غَيْرَ الَّذِيْ قِيْلَ لَهُمْ فَاَنْزَلْنَا عَلَى الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا رِجْزًا مِّنَ السَّمَاۤءِ بِمَا كَانُوْا يَفْسُقُوْنَ ࣖ٥٩
Fabaddalal-lażīna ẓalamū qaulan gairal-lażī qīla lahum fa anzalnā ‘alal-lażīna ẓalamū rijzam minas-samā'i bimā kānū yafsuqūn(a).
[59] Tuluy jalma-jalma anu dolim mah anggur der ngarobah éta paréntah ku (paréntah séjén) anu henteu diparéntahkeun ka maranéhna. Nya Kami nurunkeun pibahlaeun ti langit pikeun éta jalma-jalma anu dolim, sabab maranéhna (sok) migawé pasék.

۞ وَاِذِ اسْتَسْقٰى مُوْسٰى لِقَوْمِهٖ فَقُلْنَا اضْرِبْ بِّعَصَاكَ الْحَجَرَۗ فَانْفَجَرَتْ مِنْهُ اثْنَتَا عَشْرَةَ عَيْنًا ۗ قَدْ عَلِمَ كُلُّ اُنَاسٍ مَّشْرَبَهُمْ ۗ كُلُوْا وَاشْرَبُوْا مِنْ رِّزْقِ اللّٰهِ وَلَا تَعْثَوْا فِى الْاَرْضِ مُفْسِدِيْنَ٦٠
Wa iżistasqā mūsā liqaumihī faqulnaḍrib bi‘aṣākal-ḥajar(a), fanfajarat minhuṡnatā ‘asyrata ‘ainā(n), qad ‘alima kullu unāsim masyrabahum, kulū wasyrabū mir rizqillāhi wa lā ta‘ṡau fil-arḍi mufsidīn(a).
[60] (Sing inget ogé) waktu Musa meredih cai pikeun kaomna. Tuluy Kami nyarita, “Teunggeul éta batu ku iteuk hidep!” Saharita kénéh tina éta (batu) ngocor dua belas cai nyusu. Unggal rombongan geus nyahoeun kana tempat panginumanana (séwang-séwang). 29 Pék geura dalahar jeung arinum sabagian tina rejeki (anu dipaparinan ku) Allah, jeung kadé ulah pisan-pisan nyieun karuksakan di ieu bumi.
29) Sakabéhna aya12 rombongan ti Bani Israél, sakumaha disebutkeun dina surat Al-A‘rāf/7:160.

وَاِذْ قُلْتُمْ يٰمُوْسٰى لَنْ نَّصْبِرَ عَلٰى طَعَامٍ وَّاحِدٍ فَادْعُ لَنَا رَبَّكَ يُخْرِجْ لَنَا مِمَّا تُنْۢبِتُ الْاَرْضُ مِنْۢ بَقْلِهَا وَقِثَّاۤىِٕهَا وَفُوْمِهَا وَعَدَسِهَا وَبَصَلِهَا ۗ قَالَ اَتَسْتَبْدِلُوْنَ الَّذِيْ هُوَ اَدْنٰى بِالَّذِيْ هُوَ خَيْرٌ ۗ اِهْبِطُوْا مِصْرًا فَاِنَّ لَكُمْ مَّا سَاَلْتُمْ ۗ وَضُرِبَتْ عَلَيْهِمُ الذِّلَّةُ وَالْمَسْكَنَةُ وَبَاۤءُوْ بِغَضَبٍ مِّنَ اللّٰهِ ۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ كَانُوْا يَكْفُرُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِ وَيَقْتُلُوْنَ النَّبِيّٖنَ بِغَيْرِ الْحَقِّ ۗ ذٰلِكَ بِمَا عَصَوْا وَّكَانُوْا يَعْتَدُوْنَ ࣖ٦١
Wa iż qultum yā mūsā lan naṣbira ‘alā ṭa‘āmiw wāḥidin fad‘u lanā rabbaka yukhrij lanā mimmā tumbitul-arḍu mim baqlihā wa qiṡṡā'ihā wa fūmihā wa ‘adasihā wa baṣalihā, qāla atastabdilūnal-lażī huwa adnā bil-lażī huwa khair(un), ihbiṭū miṣran fa inna lakum mā sa'altum, wa ḍuribat ‘alaihimuż-żillatu wal-maskanatu wa bā'ū bigaḍabim minallāh(i), żālika bi'annahum kānū yakfurūna bi'āyātillāhi wa yaqtulūnan- nabiyyīna bi gairil-ḥaqq(i), żālika bimā ‘aṣaw wa kānū ya‘tadūn(a).
[61] (Sing inget ogé hé Bani Israél) waktu maranéh ngomong kieu, “Hé Musa, kuring saréréa henteu tahan ngan (ngadahar) ku sarupa kadaharan wungkul. Atuh cing pangnyuhunkeun ka Pangéran anjeun pikeun kuring saréréa, sangkan Mantenna maparin naon-naon anu ditumuwuhkeun ku bumi, sarupaning sayurna, bonténgna, bawang bodasna, kacang adasna, jeung bawang beureumna.” Musa ngawaler, “Naha aranjeun ménta nu teu pira keur gaganti anu sakitu alusna? Atuh jung baé turun ka hiji dayeuh, pasti (di dinya) aranjeun bakal manggihan anu dipénta téa.” Nya tuluy maranéhna ditibanan kahinaan jeung kamiskinan, sarta maranéhna meunang (deui) bebendon ti Allah. Éta hal (kajadian) bongan maranéhna ingkar kana ayat-ayat Allah jeung (kungsi) nelasan nabi-nabi kalayan teu ḥaq (alesan anu bener). Éta téh lantaran maranéhna terus-terusan doraka jeung ngarempak wates.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَالَّذِيْنَ هَادُوْا وَالنَّصٰرٰى وَالصَّابِــِٕيْنَ مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَعَمِلَ صَالِحًا فَلَهُمْ اَجْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْۚ وَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٦٢
Innal-lażīna āmanū wal-lażīna hādū wan-naṣārā waṣ-ṣābi'īna man āmana billāhi wal- yaumil-ākhiri wa ‘amila ṣāliḥan fa lahum ajruhum ‘inda rabbihim, wa lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[62] Sabenerna jalma-jalma anu iman, jalma-jalma Yahudi, jalma-jalma Nasrani, katut jalma-jalma Sabi’in 30 saha baé (ti antara maranéhna) anu iman ka Allah jeung kana Poé Ahir sarta milampah amal soléh, aranjeunna meunang ganjaran ti mungguhing Pangéranana. Teu aya rasa pikarisieun dina dirina sarta aranjeunna moal pinanggih jeung kanalangsaan.
30) Sabi`in téh umat saméméh umat Nabi Muhammad Saw. anu nyahoeun ayana Pangéran Anu Mahatunggal, sarta percaya kana pangaruh béntang-béntang.

وَاِذْ اَخَذْنَا مِيْثَاقَكُمْ وَرَفَعْنَا فَوْقَكُمُ الطُّوْرَۗ خُذُوْا مَآ اٰتَيْنٰكُمْ بِقُوَّةٍ وَّاذْكُرُوْا مَا فِيْهِ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ٦٣
Wa iż akhażnā mīṡāqakum wa rafa‘nā fauqakumuṭ-ṭūr(a), khużū mā ātainākum biquwwatiw ważkurū mā fīhi la‘allakum tattaqūn(a).
[63] (Sing inget hé Bani Israél) waktu Kami nyieun perjangjian jeung maranéh tur Kami ngangkat gunung (Sinai) ka luhureun maranéh (bari Kami ngadawuh), “Prak geura carekel sing pageuh (Kitab) anu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéh jeung sing inget kana (kandungan) anu aya di jerona sangkan maranéh takwa.”

ثُمَّ تَوَلَّيْتُمْ مِّنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ فَلَوْلَا فَضْلُ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَتُهٗ لَكُنْتُمْ مِّنَ الْخٰسِرِيْنَ٦٤
Ṡumma tawallaitum mim ba‘di żālika falau lā faḍlullāhi ‘alaikum wa raḥmatuhū lakuntum minal-khāsirīn(a).
[64] Ti dinya apan sanggeusna éta (perjangjian) maranéh terus mangkir. Lamun teu aya kurnia sareng rahmat Allah ka maranéh mah, pasti maranéh bener-bener kaasup golongan anu rugi.

وَلَقَدْ عَلِمْتُمُ الَّذِيْنَ اعْتَدَوْا مِنْكُمْ فِى السَّبْتِ فَقُلْنَا لَهُمْ كُوْنُوْا قِرَدَةً خٰسِـِٕيْنَ٦٥
Wa laqad ‘alimtumul-lażīna‘tadau minkum fis-sabti faqulnā lahum kūnū qiradatan khāsi'īn(a).
[65] Sabenerna maranéh geus nyaho ka jalma-jalma ti antara maranéh kénéh anu ngarempak cegahan dina poé Sabat. 31 Nya Kami ngadawuh ka maranéhna, “Maranéh kabéh sing jadi monyét-monyét anu hina!” 32
31) Poé Sabat nyaéta dinten Saptu, poé husus pikeun ngalaksanakan ibadah jeur urang Yahudi. 32) Monyét: Bener-bener barobah kaayaan jadi monyét minangka kutukan ti Allah. Sabagian ahli tapsir ngartikeun “ngabogaan sipat-sipat saperti monyét.”

فَجَعَلْنٰهَا نَكَالًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهَا وَمَا خَلْفَهَا وَمَوْعِظَةً لِّلْمُتَّقِيْنَ٦٦
Faja‘alnāhā nakālal limā baina yadaihā wa mā khalfahā wa mau‘iẓatal lil-muttaqīn(a).
[66] Kami ngajadikeun éta (kajadian minangka) pépéling pikeun jalma-jalma mangsa harita jeung jalma-jalma anu sapandeurieunana, sarta atikan keur jalma-jalma anu takwa.

وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهٖٓ اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُكُمْ اَنْ تَذْبَحُوْا بَقَرَةً ۗ قَالُوْٓا اَتَتَّخِذُنَا هُزُوًا ۗ قَالَ اَعُوْذُ بِاللّٰهِ اَنْ اَكُوْنَ مِنَ الْجٰهِلِيْنَ٦٧
Wa iż qāla mūsā liqaumihī innallāha ya'murukum an tażbaḥū baqarah(tan), qālū atattakhiżunā huzuwā(n), qāla a‘ūżu billāhi an akūna minal-jāhilīn(a).
[67] (Sing inget ogé) waktu Musa nyarios ka kaomna, “Saleresna Allah miwarang ka aranjeun sangkan meuncit sapi bikang.” Maranéhna némbalan, “Naha anjeun rék ngajadikeun kuring saréréa jadi poyokan?” Anjeunna (Musa) ngawaler, “Kuring nyalindung ka Allah sangkan teu kaasup jalma-jalma anu bodo.”

قَالُوا ادْعُ لَنَا رَبَّكَ يُبَيِّنْ لَّنَا مَا هِيَ ۗ قَالَ اِنَّهٗ يَقُوْلُ اِنَّهَا بَقَرَةٌ لَّا فَارِضٌ وَّلَا بِكْرٌۗ عَوَانٌۢ بَيْنَ ذٰلِكَ ۗ فَافْعَلُوْا مَا تُؤْمَرُوْنَ٦٨
Qālud‘u lanā rabbaka yubayyil lanā mā hiy(a), qāla innahū yaqūlu innahā baqaratul lā fāriḍuw wa lā bikr(un), ‘awānum baina żālik(a), faf‘alū mā tu'marūn(a).
[68] Maranéhna (kaom Musa) meredih, “Geura unjukan ka Pangéran anjeun supados Mantenna ngajelaskeun keur kuring sareréa perkawis éta (sapi bikang)?” Musa ngawaler, “Saleresna Mantenna ngadawuh yén éta sapi bikang téh henteu kolot ogé henteu ngora, (tapi) tengah-tengah antara éta. Atuh prak geura parigawé naon anu diparéntahkeun ka aranjeun téh.”

قَالُوا ادْعُ لَنَا رَبَّكَ يُبَيِّنْ لَّنَا مَا لَوْنُهَا ۗ قَالَ اِنَّهٗ يَقُوْلُ اِنَّهَا بَقَرَةٌ صَفْرَاۤءُ فَاقِعٌ لَّوْنُهَا تَسُرُّ النّٰظِرِيْنَ٦٩
Qālud‘u lanā rabbaka yubayyil lanā mā launuhā, qāla innahū yaqūlu innahā baqaratun ṣafrā'u fāqi‘ul launuhā tasurrun-nāẓirīn(a).
[69] Maranéhna meredih deui, “Geura unjukan deui ka Pangéran anjeun supados Mantenna ngajelaskeun ka kuring saréréa kumaha rupana (éta sapi bikang) téh?” Musa ngawaler, “Mantenna ngadawuh yén (éta sapi bikang téh) rupana konéng enay matak resep jalmi-jalmi nu ningal(na).”

قَالُوا ادْعُ لَنَا رَبَّكَ يُبَيِّنْ لَّنَا مَا هِيَۙ اِنَّ الْبَقَرَ تَشٰبَهَ عَلَيْنَاۗ وَاِنَّآ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَمُهْتَدُوْنَ٧٠
Qālud‘u lanā rabbaka yubayyil lanā mā hiy(a), innal-baqara tasyābaha ‘alainā, wa innā in syā'allāhu lamuhtadūn(a).
[70] Maranéhna meredih deui, “Geura unjukan deui ka Pangéran anjeun supados Mantenna ngajelaskeun ka abdi sadaya nu kumaha saleresna éta téh, (margi) saleresna éta sapi bikang téh masih saliru kanggo abdi sadaya mah, sareng saleresna upami Allah ngersakeun, tangtos abdi sadaya bakal kénging pituduh.”

قَالَ اِنَّهٗ يَقُوْلُ اِنَّهَا بَقَرَةٌ لَّا ذَلُوْلٌ تُثِيْرُ الْاَرْضَ وَلَا تَسْقِى الْحَرْثَۚ مُسَلَّمَةٌ لَّاشِيَةَ فِيْهَا ۗ قَالُوا الْـٰٔنَ جِئْتَ بِالْحَقِّ فَذَبَحُوْهَا وَمَا كَادُوْا يَفْعَلُوْنَ ࣖ٧١
Qāla innahū yaqūlu innahā baqaratul lā żalūlun tuṡīrul-arḍa wa lā tasqil-ḥarṡ(a), musallamatul lā syiyata fīhā, qālul-'āna ji'ta bil-ḥaqqi fażabaḥūhā wa mā kādū yaf‘alūn(a).
[71] Musa ngawaler, “Saleresna Mantenna ngadawuh yén éta téh sapi bikang lain paranti ngagaru taneuh, lain ogé paranti (narik cai keur) nyébor tatangkalan, (éstu sapi anu) mulus teu aya belangna.” Maranéhna nyarita, “Tah ayeuna mah anjeun geus ngajelaskeun (perkara) anu sabenerna.” Nya der baé maranéhna meuncit éta (sapi) anu méh-méhan baé maranéhna téh teu migawé éta (paréntah).

وَاِذْ قَتَلْتُمْ نَفْسًا فَادّٰرَءْتُمْ فِيْهَا ۗ وَاللّٰهُ مُخْرِجٌ مَّا كُنْتُمْ تَكْتُمُوْنَ ۚ٧٢
Wa iż qultum nafsan faddāra'tum fīhā, wallāhu mukhrijum mā kuntum taktumūn(a).
[72] (Sing inget ogé) waktu maranéh maéhan jalma, tuluy maranéh silih tuding dina éta perkara (saha anu maéhanana). Nanging Allah nembrakkeun naon anu disumput-sumput ku maranéh.

فَقُلْنَا اضْرِبُوْهُ بِبَعْضِهَاۗ كَذٰلِكَ يُحْيِ اللّٰهُ الْمَوْتٰى وَيُرِيْكُمْ اٰيٰتِهٖ لَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ٧٣
Faqulnaḍribūhu biba‘ḍihā, każālika yuḥyillāhul-mautā wa yurīkum āyātihī la‘allakum ta‘qilūn(a).
[73] Tuluy Kami nimbalan, “Pék geura teunggeul éta (mayit) téh ku sabagian tina (sapi) téa.” Tah jiga kitu Allah ngahirupkeun deui (jalma) anu paéh téh sarta Mantenna mintonkeun ka maranéh tanda-tanda (kakawasaana)-Na sangkan maranéh ngarti.

ثُمَّ قَسَتْ قُلُوْبُكُمْ مِّنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ فَهِيَ كَالْحِجَارَةِ اَوْ اَشَدُّ قَسْوَةً ۗ وَاِنَّ مِنَ الْحِجَارَةِ لَمَا يَتَفَجَّرُ مِنْهُ الْاَنْهٰرُ ۗ وَاِنَّ مِنْهَا لَمَا يَشَّقَّقُ فَيَخْرُجُ مِنْهُ الْمَاۤءُ ۗوَاِنَّ مِنْهَا لَمَا يَهْبِطُ مِنْ خَشْيَةِ اللّٰهِ ۗوَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ٧٤
Ṡumma qasat qulūbukum mim ba‘di żālika fahiya kal-ḥijārati au asyaddu qaswah(tan), wa inna minal-ḥijārati lamā yatafajjaru minhul-anhār(u), wa inna minhā lamā yasysyaqqaqu fayakhruju minhul-mā'(u), wa inna minhā lamā yahbiṭu min khasy-yatillāh(i), wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[74] Tuluy kalah ka jadi teuas haté maranéh téh (nepi ka) saperti batu, malah leuwih teuas, padahal tina éta batu mah pasti sok aya walungan anu (caina) ngocor ti dinya, sarta aya ogé (batu) anu bencar tuluy kaluar cai ti dinya. Aya deui (batu) anu urug lantaran ajrih ka Allah. Allah mah moal lalieun kana naon-naon anu dipilampah ku maranéh.

۞ اَفَتَطْمَعُوْنَ اَنْ يُّؤْمِنُوْا لَكُمْ وَقَدْ كَانَ فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ يَسْمَعُوْنَ كَلَامَ اللّٰهِ ثُمَّ يُحَرِّفُوْنَهٗ مِنْۢ بَعْدِ مَا عَقَلُوْهُ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ٧٥
Afa taṭma‘ūna ay yu'minū lakum wa qad kāna farīqum minhum yasma‘ūna kalāmallāhi ṡumma yuḥarrifūnahū mim ba‘di mā ‘aqalūhu wa hum ya‘lamūn(a).
[75] Naha aranjeun (kaom muslimin) ngarep-ngarep pisan (sangkan) maranéhna percaya kana (agama) aranjeun, sedengkeun aya sagolongan ti maranéhna anu geus ngadéngékeun dawuhan Allah, (ngan) tuluy maranéhna ngarobah kana éta (dawuhan) sabada maranéhna ngarti, padahal maranéhna nyaho (yén maranéhna téh geus ngarobah éta dawuhan)? 33
33) Anu dimaksud nyaéta jalma-urang Yahudi di Madinah anu ngarobah-robah eusi Torét, utamana ngeunaan Nabi Muhammad Saw.

وَاِذَا لَقُوا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا قَالُوْٓا اٰمَنَّاۚ وَاِذَا خَلَا بَعْضُهُمْ اِلٰى بَعْضٍ قَالُوْٓا اَتُحَدِّثُوْنَهُمْ بِمَا فَتَحَ اللّٰهُ عَلَيْكُمْ لِيُحَاۤجُّوْكُمْ بِهٖ عِنْدَ رَبِّكُمْ ۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٧٦
Wa iżā laqul-lażīna āmanū qālū āmannā, wa iżā khalā ba‘ḍuhum ilā ba‘ḍin qālū atuḥaddiṡūnahum bimā fataḥallāhu ‘alaikum liyuḥājjūkum bihī ‘inda rabbikum, afalā ta‘qilūn(a).
[76] Lamun seug paamprok jeung jalma-jalma anu iman, maranéhna ngomong, “Kuring saréréa ogé geus iman (kana agama jeung nabi anjeun anu geus dijelaskeun dina Torét).” Tapi lamun geus baralik deui ka batur-baturna mah, maranéhna téh nanya kieu, “Naha maranéh maké nyaritakeun ka maranéhna (kaom muslimin) hal-hal anu geus dijelaskeun ku Allah ka maranéh (dina Torét). Atuh engké ku maranéhna dipaké hujah pikeun ngabantah maranéh di payuneun Pangéran maranéh. Naha maranéh téh teu ngagunakeun akal?” 34
34) Di jero Torét dijelaskeun ngeunaan Nabi Muhammad Saw. anu badé sumping minangka nabi pamungkas, tapi éta katerangan téh disumputkeun ku urang Yahudi, sabab rémpan bakal jadi bumérang pikeun maranéhna.

اَوَلَا يَعْلَمُوْنَ اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا يُسِرُّوْنَ وَمَا يُعْلِنُوْنَ٧٧
Awalā ya‘lamūna annallāha ya‘lamu mā yusirrūna wa mā yu‘linūn(a).
[77] Naha maranéhna téh henteu nyahoeun yén saleresna Allah uninga kana sagala anu disumputkeun jeung anu diébréhkeun ku maranéhna?

وَمِنْهُمْ اُمِّيُّوْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ الْكِتٰبَ اِلَّآ اَمَانِيَّ وَاِنْ هُمْ اِلَّا يَظُنُّوْنَ٧٨
Wa minhum umiyyūna lā ya‘lamūnal-kitāba illā amāniyya wa in hum illā yaẓunnūn(a).
[78] Ti antara maranéhna aya ogé anu ummi (awam) anu teu paham pisan kana eusina Kitab (Torét) kajaba saukur dongéngan bohong jeung maranéhna téh ngan nyangka-nyangka wungkul.

فَوَيْلٌ لِّلَّذِيْنَ يَكْتُبُوْنَ الْكِتٰبَ بِاَيْدِيْهِمْ ثُمَّ يَقُوْلُوْنَ هٰذَا مِنْ عِنْدِ اللّٰهِ لِيَشْتَرُوْا بِهٖ ثَمَنًا قَلِيْلًا ۗفَوَيْلٌ لَّهُمْ مِّمَّا كَتَبَتْ اَيْدِيْهِمْ وَوَيْلٌ لَّهُمْ مِّمَّا يَكْسِبُوْنَ٧٩
Fawailul lil-lażīna yaktubūnal-kitāba bi'aidīhim ṡumma yaqūlūna hāżā min ‘indillāhi liyasytarū bihī ṡamanan qalīlā(n), fawailul lahum mimmā katabat aidīhim wa wailul lahum mimmā yaksibūn(a).
[79] Nya kacilakaan (jeung ancaman anu beurat) pikeun jalma-jalma anu nulis Kitab (Torét) ku leungeunna sorangan (kalayan maksud ngarobah eusina) bari majarkeun téh, “Ieu kitab ti mungguhing Allah,” sangkan ku jalan kitu téh maranéhna bisa nukeuran ku naon-naon anu teu pira pangajina. Nya atuh kacilakaan (jeung ancaman anu beurat) pikeun maranéhna, (minangka wawales) kana sakur anu geus ditulis ku leungeunna sorangan téa. Kacilakaan (jeung ancaman anu beurat) ogé pikeun maranéhna (minangka wawales) kana sakur anu geus diupayakeun ku maranéhna.

وَقَالُوْا لَنْ تَمَسَّنَا النَّارُ اِلَّآ اَيَّامًا مَّعْدُوْدَةً ۗ قُلْ اَتَّخَذْتُمْ عِنْدَ اللّٰهِ عَهْدًا فَلَنْ يُّخْلِفَ اللّٰهُ عَهْدَهٗٓ اَمْ تَقُوْلُوْنَ عَلَى اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٨٠
Wa qālū lan tamassanan-nāru illā ayyāmam ma‘dūdah (tan), qul attakhażtum ‘indallāhi ‘ahdan falay yukhlifallāhu ‘ahdahū am taqūlūna ‘alallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[80] Maranéhna (kaom Yahudi) téh ngomong kieu, “Naraka moal pisan bakal ngeunaan ka kuring saréréa, salian ti sababaraha poé baé.” Cik tanyakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun téh geus narima perjangjian ti Allah, ku kituna Mantenna moal sulaya kana jangji-Na, atawa aranjeun nyarita ngeunaan Allah ku caritaan-caritaan anu ku aranjeun sorangan henteu dipikanyaho?”

بَلٰى مَنْ كَسَبَ سَيِّئَةً وَّاَحَاطَتْ بِهٖ خَطِيْۤـَٔتُهٗ فَاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٨١
Balā man kasaba sayyi'ataw wa aḥāṭat bihī khaṭī'atuhū fa ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[81] Lain kitu! Saha baé anu migawé kagoréngan tur kasalahanana téh geus nguasaan dirina, mangka maranéhna téh bakal jadi pangeusi naraka. Maranéhna bakal langgeng di dinyana téh.

وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِ ۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ ࣖ٨٢
Wal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti ulā'ika aṣḥābul-jannah(ti), hum fīhā khālidūn(a).
[82] (Sedengkeun) jalma-jalma anu iman sarta migawé amal soléh mah bakal jadi pangeusi sawarga. Aranjeunna bakal langgeng di dinyana téh.

وَاِذْ اَخَذْنَا مِيْثَاقَ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ لَا تَعْبُدُوْنَ اِلَّا اللّٰهَ وَبِالْوَالِدَيْنِ اِحْسَانًا وَّذِى الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنِ وَقُوْلُوْا لِلنَّاسِ حُسْنًا وَّاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَۗ ثُمَّ تَوَلَّيْتُمْ اِلَّا قَلِيْلًا مِّنْكُمْ وَاَنْتُمْ مُّعْرِضُوْنَ٨٣
Wa iż akhażnā mīṡāqa banī isrā'īla lā ta‘budūna illallāha wa bil-wālidaini iḥsānaw wa żil-qurbā wal-yatāmā wal-masākīni wa qūlū lin-nāsi ḥusnaw wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāh(ta), ṡumma tawallaitum illā qalīlam minkum wa antum mu‘riḍūn(a).
[83] Sing inget hidep (Muhammad) waktu Kami nagih jangji ti Bani Israél (nyaéta ngeunaan dawuhan), “Omat maranéh ulah ibadah ka salian ti ka Allah, prak nyieun kahadéan ka indung-bapa, ka dulur, ka budak-budak yatim, jeung ka jalma-jalma anu miskin. Pok nyarita ka batur ku (omongan) anu alus, adegkeun salat, jeung kaluarkeun jakat.” Tuluy maranéh mungkir, kajaba saeutik pisan ti antara maranéh. Maranéh (ayeuna masih kénéh jadi) jalma-jalma anu nyimpang.”

وَاِذْ اَخَذْنَا مِيْثَاقَكُمْ لَا تَسْفِكُوْنَ دِمَاۤءَكُمْ وَلَا تُخْرِجُوْنَ اَنْفُسَكُمْ مِّنْ دِيَارِكُمْ ۖ ثُمَّ اَقْرَرْتُمْ وَاَنْتُمْ تَشْهَدُوْنَ٨٤
Wa iż akhażnā mīṡāqakum lā tasfikūna dimā'akum wa lā tukhrijūna anfusakum min diyārikum ṡumma aqrartum wa antum tasyhadūn(a).
[84] (Sing inget deui) waktu Kami nagih jangji ti maranéh (Bani Israél ngeunaan dawuh), “Maranéh téh teu meunang ngocorkeun getih (maéhan) jeung teu meunang ngusir sabagian maranéh ti lembur-lemburna.” Tuluy maranéh téh ikrar (narima kana éta jangji) jeung jadi saksi (pikeun diri maranéh sorangan).

ثُمَّ اَنْتُمْ هٰٓؤُلَاۤءِ تَقْتُلُوْنَ اَنْفُسَكُمْ وَتُخْرِجُوْنَ فَرِيْقًا مِّنْكُمْ مِّنْ دِيَارِهِمْۖ تَظٰهَرُوْنَ عَلَيْهِمْ بِالْاِثْمِ وَالْعُدْوَانِۗ وَاِنْ يَّأْتُوْكُمْ اُسٰرٰى تُفٰدُوْهُمْ وَهُوَ مُحَرَّمٌ عَلَيْكُمْ اِخْرَاجُهُمْ ۗ اَفَتُؤْمِنُوْنَ بِبَعْضِ الْكِتٰبِ وَتَكْفُرُوْنَ بِبَعْضٍۚ فَمَا جَزَاۤءُ مَنْ يَّفْعَلُ ذٰلِكَ مِنْكُمْ اِلَّا خِزْيٌ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا ۚوَيَوْمَ الْقِيٰمَةِ يُرَدُّوْنَ اِلٰٓى اَشَدِّ الْعَذَابِۗ وَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ٨٥
Ṡumma antum hā'ulā'i taqtulūna anfusakum wa tukhrijūna farīqam minkum min diyārihim taẓāharūna ‘alaihim bil-iṡmi wal-‘udwān(i), wa iy ya'tūkum usārā tufādūhum wa huwa muḥarramun ‘alaikum ikhrājuhum, afa tu'minūna biba‘ḍil-kitābi wa takfurūna bi ba‘ḍ(in), famā jazā'u may yaf‘alu żālika minkum illā khizyun fil-ḥayātid-dun-yā, wa yaumal-qiyāmati yuraddūna ilā asyaddil-‘ażāb(i), wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[85] Ti dinya geuning maranéh (Bani Israél) kalah ka maéhan sapapada maranéh sorangan jeung ngusir sabagian maranéh ti lembur-lemburna, padahal diharamkeun ka maranéh milampah hal éta. Maranéh kalah ka silih bantu dina ngusir maranéhna ku kajahatan jeung ku mumusuhan. (Tapi,) lamun seug (aya ti antara) maranéhna diboyong (ku musuh), tuluy ditarebus ku maranéh. Naha maranéh téh ngan iman kana sabagian tina Kitab (Torét) bari kupur (mungkir) kana sabagianana deui? Euweuh deui wawales (anu pantes) pikeun jalma ti antara maranéh nu milampah kitu kajaba kahinaan dina kahirupan dunyana, sarta dina Poé Kiamat maranéhna bakal ditibanan siksa anu kacida beuratna. Allah mah moal hilapeun kana sagala anu dipilampah ku maranéh. 35
35) Sakabéh jangji sarta sumpah anu diucapkeun ku Bani Israél sakumaha disebut dina ayat 83 jeung 84 di luhur dirempak. Ieu téh kanyataan sajarah antara dua suku Yahudi di Madinah, nyaéta Bani Quraézah sarta Bani Nadir sok perang. Tapi lamun aya urang Yahudi di antara kadua suku éta kaboyong ku suku séjén, contona ku suku Aus sakutuna Bani Quraézah, atawa suku Khazraj sakutuna Bani Nadir, maranéhna ngahiji pikeun nebusna.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اشْتَرَوُا الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا بِالْاٰخِرَةِ ۖ فَلَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَ ࣖ٨٦
Ulā'ikal-lażīnasytarawul-ḥayātad-dun-yā bil-ākhirah(ti), falā yukhaffafu ‘anhumul-‘ażābu wa lā hum yunṣarūn(a).
[86] Maranéhna anu karitu téh nyaéta anu geus meuli kahirupan dunya ku ajén (kahirupan) ahérat. Mangka, siksaanana moal teuing bakal diénténgkeun. Maranéhna ogé moal bakal ditulungan.

وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ وَقَفَّيْنَا مِنْۢ بَعْدِهٖ بِالرُّسُلِ ۖ وَاٰتَيْنَا عِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ الْبَيِّنٰتِ وَاَيَّدْنٰهُ بِرُوْحِ الْقُدُسِۗ اَفَكُلَّمَا جَاۤءَكُمْ رَسُوْلٌۢ بِمَا لَا تَهْوٰىٓ اَنْفُسُكُمُ اسْتَكْبَرْتُمْ ۚ فَفَرِيْقًا كَذَّبْتُمْ وَفَرِيْقًا تَقْتُلُوْنَ٨٧
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba wa qaffainā mim ba‘dihī bir-rusul(i), wa ātainā ‘īsabna maryamal-bayyināti wa ayyadnāhu birūḥil-qudus(i), afakullamā jā'akum rasūlum bimā lā tahwā anfusukumustakbartum, fafarīqan każżabtum wa farīqan taqtulūn(a).
[87] Sabenerna Kami geus maparinkeun Kitab (Torét) ka Musa jeung nyusulkeun sababaraha rasul sanggeusna. Kami ogé geus méré ka Isa putra Maryam bukti-bukti (bebeneran) anu jelas jeung mengkuhkeun anjeunna ku Ruhul Qudus (Jibril). Naha saban-saban datang saurang rasul ka maranéh (mawa atikan) anu teu saluyu jeung napsu, maranéh téh kalah ka nyombongkeun diri. Maranéh ngabohongkeun sawaréh (rasul-rasul), malah sawaréh deui mah ditelasan?

وَقَالُوْا قُلُوْبُنَا غُلْفٌ ۗ بَلْ لَّعَنَهُمُ اللّٰهُ بِكُفْرِهِمْ فَقَلِيْلًا مَّا يُؤْمِنُوْنَ٨٨
Wa qālū qulūbunā gulf(un), bal la‘anahumullāhu bikufrihim faqalīlam mā yu'minūn(a).
[88] Maranéhna kalah ka ngomong kieu, “Haté kuring kabéh geus katutup.” Malah Allah geus ngala’nat maranéhna ku kakupuranana. Ku kituna, saeutik pisan ti antarana anu iman.

وَلَمَّا جَاۤءَهُمْ كِتٰبٌ مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ مُصَدِّقٌ لِّمَا مَعَهُمْۙ وَكَانُوْا مِنْ قَبْلُ يَسْتَفْتِحُوْنَ عَلَى الَّذِيْنَ كَفَرُوْاۚ فَلَمَّا جَاۤءَهُمْ مَّا عَرَفُوْا كَفَرُوْا بِهٖ ۖ فَلَعْنَةُ اللّٰهِ عَلَى الْكٰفِرِيْنَ٨٩
Wa lammā jā'akum kitābum min ‘indillāhi muṣaddiqul limā ma‘ahum, wa kānū min qablu yastaftiḥūna ‘alal-lażīna kafarū, falammā jā'ahum mā ‘arafū kafarū bih(ī), fala‘natullāhi ‘alal-kāfirīn(a).
[89] Sanggeus datang ka maranéhna Kitab (Al-Qur’an) ti mungguhing Allah anu ngaenyakeun kana eusi (Torét) nu aya di maranéhna, 36 (maranéhna ngabohongkeun kana éta kitab). Padahal saméméhna mah maranéhna téh ngarep-ngarep (datangna Muhammad supaya méré) bantuan pikeun ngéléhkeun jalma-jalma kapir.Tapi barang geus datang ka maranéhna Nabi (Muhammad) anu geus dipikanyaho ku maranéhna, maranéhna téh bet jadi ingkar. Ku sabab kitu, la’nat Allah pikeun jalma-jalma kapir.
36) Al-Qur’an ogé ngajarkeun taohid anu diajarkeun Torét.

بِئْسَمَا اشْتَرَوْا بِهٖٓ اَنْفُسَهُمْ اَنْ يَّكْفُرُوْا بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ بَغْيًا اَنْ يُّنَزِّلَ اللّٰهُ مِنْ فَضْلِهٖ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖ ۚ فَبَاۤءُوْ بِغَضَبٍ عَلٰى غَضَبٍۗ وَلِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابٌ مُّهِيْنٌ٩٠
Bi'samasytarau bihī anfusahum ay yakfurū bimā anzalallāhu bagyan ay yunazzilallāhu min faḍlihī ‘alā may yasyā'u min ‘ibādih(ī), fabā'ū bigaḍabin ‘alā gaḍab(in), wa lil-kāfirīna ‘ażābum muhīn(un).
[90] Kacida goréngna (pagawéan) maranéhna ngajual dirina ku jalan ingkar kana naon-naon nu geus diturunkeun ku Alloh, karna dengki yén Alloh maparinkeun kurnia-Na ka nu dikersakeun ku Mantenna ti antara hamba-hamba-Na. 37 Ku sabab kitu, maranéhna meunang kaambek anu manglipet-lipet. 38 Atuh pikeun jalma-jalma kapir mah siksaan anu kacida hinana.
37) Wahyu (kanabian) ka Nabi Muhammad Saw. 38) Bebendon kahiji ku sabab maranéhna mantangul ka Nabi Musa a.s. Bebendon kadua ku sabab maranéhna ingkar ka Nabi Muhammad Saw.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ اٰمِنُوْا بِمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ قَالُوْا نُؤْمِنُ بِمَآ اُنْزِلَ عَلَيْنَا وَيَكْفُرُوْنَ بِمَا وَرَاۤءَهٗ وَهُوَ الْحَقُّ مُصَدِّقًا لِّمَا مَعَهُمْ ۗ قُلْ فَلِمَ تَقْتُلُوْنَ اَنْۢبِيَاۤءَ اللّٰهِ مِنْ قَبْلُ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٩١
Wa iżā qīla lahum āminū bimā anzalallāhu qālū nu'minu bimā unzila ‘alainā wa yakfurūna bimā warā'ah(ū), wa huwal-ḥaqqu muṣaddiqal limā ma‘ahum, qul falima taqtulūna ambiyā'allāhi min qablu in kuntum mu'minīn(a).
[91] Lamun maranéhna diomongan, “Sok geura iman kana (Al-Qur’an) anu geus diturunkeun ku Alloh,” maranéhna ngajawab, “Kuring kabéh iman kana (Torét) anu diturunkeun ka kuring kabéh.” (Tapi) maranéhna ingkar kana (Kitab) anu (diturunkeun) sanggeusna (Torét), padahal (Al-Qur’an) téh ḥaq (bener jeung mawa bebeneran) anu ngaenyakeun kana kitab maranéhna. Pék geura tanya ku hidep (Muhammad), “Naha geuning baheula aranjeun nelasan nabi-nabi Alloh upama enya mah aranjeun jalma-jalma mu’min mah?”

۞ وَلَقَدْ جَاۤءَكُمْ مُّوْسٰى بِالْبَيِّنٰتِ ثُمَّ اتَّخَذْتُمُ الْعِجْلَ مِنْۢ بَعْدِهٖ وَاَنْتُمْ ظٰلِمُوْنَ٩٢
Wa laqad jā'akum mūsā bil-bayyināti ṡummattakhażtumul-‘ijla mim ba‘dihī wa antum ẓālimūn(a).
[92] Musa bener-bener geus datang ka maranéh kalayan (mawa) bukti-bukti bebeneran (mujijat), tuluy maranéh nyieun (arca) anak sapi (pikeun sesembahan) sabada (inditna) Musa jeung maranéh (jadi) jalma-jalma anu dolim.

وَاِذْ اَخَذْنَا مِيْثَاقَكُمْ وَرَفَعْنَا فَوْقَكُمُ الطُّوْرَۗ خُذُوْا مَآ اٰتَيْنٰكُمْ بِقُوَّةٍ وَّاسْمَعُوْا ۗ قَالُوْا سَمِعْنَا وَعَصَيْنَا وَاُشْرِبُوْا فِيْ قُلُوْبِهِمُ الْعِجْلَ بِكُفْرِهِمْ ۗ قُلْ بِئْسَمَا يَأْمُرُكُمْ بِهٖٓ اِيْمَانُكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٩٣
Wa iż akhażnā mīṡāqakum wa rafa‘nā fauqakumuṭ-ṭūr(a), khużū mā ātainākum biquwwatiw wasma‘ū, qālū sami‘nā wa ‘aṣainā, wa usyribū fī qulūbihimul-‘ijla bikufrihim, qul bi'samā ya'murukum bihī īmānukum in kuntum mu'minīn(a).
[93] (Sing inget deui) waktu Kami meungkeut jangji maranéh sarta Kami ngangkat gunung (Sina) ka luhureun maranéh (bari Kami ngadawuh), “Geura carekel masing pageuh naon nu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéh sarta sok geura regepkeun!” Maranéhna ngajawab, “Abdi sadaya ngaregepkeun, tapi moal nurut.” (Atuda) geus nyerep dina haténa (mikacinta ibadah ka arca) anak sapi alatan ku kakupuranana téa. Pék caritakeun (ku hidep Muhammad), “Kacida goréngna naon anu diparéntahkeun ku kapercayaan aranjeun ka aranjeun lamun bener aranjeun iman (kana Torét).”

قُلْ اِنْ كَانَتْ لَكُمُ الدَّارُ الْاٰخِرَةُ عِنْدَ اللّٰهِ خَالِصَةً مِّنْ دُوْنِ النَّاسِ فَتَمَنَّوُا الْمَوْتَ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ٩٤
Qul in kānat lakumud-dārul-ākhiratu ‘indallāhi khāliṣatam min dūnin-nāsi fatamannawul-mauta in kuntum ṣādiqīn(a).
[94] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Upama bener nagri ahérat di mungguhing Allah husus pikeun aranjeun wungkul, lain pikeun nu séjénna, (atuh) geura arep-arep baé (datangna) maot lamun enya mah aranjeun téh jalma-jalma bener.”

وَلَنْ يَّتَمَنَّوْهُ اَبَدًاۢ بِمَا قَدَّمَتْ اَيْدِيْهِمْ ۗ وَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢ بِالظّٰلِمِيْنَ٩٥
Wa lay yatamannauhu abadam bima qaddamat aidīhim, wallāhu ‘alīmum biẓ-ẓālimīn(a).
[95] Tapi maranéhna moal ngarep-ngarep paéh salawasna ogé lantaran dosa-dosa anu geus dipilampah ku leungeun-leungeun maranéhna (sorangan). Allah Mahauninga ka jalma-jalma dolim.

وَلَتَجِدَنَّهُمْ اَحْرَصَ النَّاسِ عَلٰى حَيٰوةٍ ۛوَمِنَ الَّذِيْنَ اَشْرَكُوْا ۛيَوَدُّ اَحَدُهُمْ لَوْ يُعَمَّرُ اَلْفَ سَنَةٍۚ وَمَا هُوَ بِمُزَحْزِحِهٖ مِنَ الْعَذَابِ اَنْ يُّعَمَّرَۗ وَاللّٰهُ بَصِيْرٌۢ بِمَا يَعْمَلُوْنَ ࣖ٩٦
Wa latajidannahum aḥraṣan-nāsi ‘alā ḥayāh(tin), wa minal-lażīna asyrakū, yawaddu aḥaduhum lau yu‘ammaru alfa sanah(tin), wa mā huwa bi muzaḥziḥihī minal-‘ażābi ay yu‘ammar(a), wallāhu baṣīrum bimā ya‘malūn(a).
[96] Sabenerna hidep (Muhammad) bakal manggih (kanyataan yén) maranéhna (Yahudi) téh jalma anu pangsarakah-sarakahna kana kahirupan (dunya), malah (leuwih sarakah) tibatan jalma-jalma musrik. 39 Salah saurang ti antara maranéhna aya nu hayangeun dibéré umur sarébu tahun, padahal éta (umur panjang) téh moal matak ngajauhkeun maranéhna tina siksaan. Allah Maha Ningali kana naon-naon nu dipilampah ku maranéhna.
39) Musrik nyaéta jalma anu nyarékatkeun Allah jeung anu lian-Na.

قُلْ مَنْ كَانَ عَدُوًّا لِّجِبْرِيْلَ فَاِنَّهٗ نَزَّلَهٗ عَلٰى قَلْبِكَ بِاِذْنِ اللّٰهِ مُصَدِّقًا لِّمَا بَيْنَ يَدَيْهِ وَهُدًى وَّبُشْرٰى لِلْمُؤْمِنِيْنَ٩٧
Qul man kāna ‘aduwwal lijibrīla fa'innahū nazzalahū ‘alā qalbika bi iżnillāhi muṣaddiqal limā baina yadaihi wa hudaw wa busyrā lil-mu'minīn(a).
[97] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saha baé anu ngamusuh ka Jibril, mangka (éta jalma sarua jeung ngamusuh ka Allah), (sabab) sabenerna anjeunna téh geus nurunkeun (Al-Qur’an) kana haté hidep kalayan widi Allah, (kitab) anu ngaenyakeun sakur (kitab) anu sapandeurieunana, tur jadi pituduh jeung pangbubungah pikeun jalma-jalma mu’min.”

مَنْ كَانَ عَدُوًّا لِّلّٰهِ وَمَلٰۤىِٕكَتِهٖ وَرُسُلِهٖ وَجِبْرِيْلَ وَمِيْكٰىلَ فَاِنَّ اللّٰهَ عَدُوٌّ لِّلْكٰفِرِيْنَ٩٨
Man kāna ‘aduwwal lillāhi wa malā'ikatihī wa rusulihī wa jibrīla wa mīkāla fa innallāha ‘aduwwul lil-kāfirīn(a).
[98] Saha baé anu ngamusuh ka Allah, ka malaikat-malaikat-Na, ka rasul-rasul-Na, ka Jibril, jeung ka Mikail, mangka saleresna Allah téh musuh pikeun jalma-jalma kapir.

وَلَقَدْ اَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ اٰيٰتٍۢ بَيِّنٰتٍۚ وَمَا يَكْفُرُ بِهَآ اِلَّا الْفٰسِقُوْنَ٩٩
Wa laqad anzalnā ilaika āyātim bayyināt(in), wa mā yakfuru bihā illal-fāsiqūn(a).
[99] Kami bener-bener geus nurunkeun ayat-ayat anu jelas ka hidep (Muhammad), jeung taya anu ingkar kana éta (ayat) kajaba jalma-jalma pasék.

اَوَكُلَّمَا عٰهَدُوْا عَهْدًا نَّبَذَهٗ فَرِيْقٌ مِّنْهُمْ ۗ بَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٠٠
Awa kullamā ‘āhadū ‘ahdan nabażahū farīqum minhum, bal akṡaruhum lā yu'minūn(a).
[100] Naha saban maranéhna nyieun jangji terus sabagian maranéhna ngarempak éta (jangji)? Malah lolobana mah maranéhna téh henteu iman.

وَلَمَّا جَاۤءَهُمْ رَسُوْلٌ مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ مُصَدِّقٌ لِّمَا مَعَهُمْ نَبَذَ فَرِيْقٌ مِّنَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَۙ كِتٰبَ اللّٰهِ وَرَاۤءَ ظُهُوْرِهِمْ كَاَنَّهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَۖ١٠١
Wa lammā jā'ahum rasūlum min ‘indillāhi muṣaddiqul limā ma‘ahum nabaża farīqum minal-lażīna ūtul-kitāb(a), kitāballāhi warā'a ẓuhūrihim ka'annahum lā ya‘lamūn(a).
[101] Sanggeus datang ka maranéhna Rasul (Muhammad) ti mungguhing Allah anu ngaenyakeun kitab anu aya di maranéhna, sabagian ti antara jalma-jalma anu dibéré Kitab (Torét) téh kalah ka ngabalangkeun éta Kitab Allah ka satukangeun (tonggong) maranéhna, saperti henteu nyaho baé maranéhna téh (yén éta téh Kitab Mantenna).

وَاتَّبَعُوْا مَا تَتْلُوا الشَّيٰطِيْنُ عَلٰى مُلْكِ سُلَيْمٰنَ ۚ وَمَا كَفَرَ سُلَيْمٰنُ وَلٰكِنَّ الشَّيٰطِيْنَ كَفَرُوْا يُعَلِّمُوْنَ النَّاسَ السِّحْرَ وَمَآ اُنْزِلَ عَلَى الْمَلَكَيْنِ بِبَابِلَ هَارُوْتَ وَمَارُوْتَ ۗ وَمَا يُعَلِّمٰنِ مِنْ اَحَدٍ حَتّٰى يَقُوْلَآ اِنَّمَا نَحْنُ فِتْنَةٌ فَلَا تَكْفُرْ ۗ فَيَتَعَلَّمُوْنَ مِنْهُمَا مَا يُفَرِّقُوْنَ بِهٖ بَيْنَ الْمَرْءِ وَزَوْجِهٖ ۗ وَمَا هُمْ بِضَاۤرِّيْنَ بِهٖ مِنْ اَحَدٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗ وَيَتَعَلَّمُوْنَ مَا يَضُرُّهُمْ وَلَا يَنْفَعُهُمْ ۗ وَلَقَدْ عَلِمُوْا لَمَنِ اشْتَرٰىهُ مَا لَهٗ فِى الْاٰخِرَةِ مِنْ خَلَاقٍ ۗ وَلَبِئْسَ مَاشَرَوْا بِهٖٓ اَنْفُسَهُمْ ۗ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ١٠٢
Wattaba‘ū mā tatlusy-syayāṭīnu ‘alā mulki sulaimān(a), wa mā kafara sulaimānu wa lākinnnasy-syayāṭīna kafarū yu‘allimūnan-nāsas siḥr(a), wa mā unzila ‘alal-malakaini bibābila hārūta wa mārūt(a), wa mā yu‘allimāni min aḥadin ḥattā yaqūlā innamā naḥnu fitnatun falā takfur, fayata‘allamūna minhumā mā yufarriqūna bihī bainal-mar'i wa zaujih(ī), wa mā hum biḍarrīna bihī min aḥadin illā bi'iżnillāh(i), wa yata‘allamūna mā yaḍurruhum wa lā yanfa‘uhum, wa laqad ‘alimū lamanisytarāhu mā lahū fil-ākhirati min khalāq(in), wa labi'sa mā syarau bihī anfusahum, lau kānū ya‘lamūn(a).
[102] Maranéhna (leuwih) nurut kana naon-naon nu dibaca ku sétan-sétan dina mangsa Karajaan Sulaéman (jeung majarkeun téh anjeunna ngajarkeun sihir/kakupuran), padahal anjeunna mah teu kupur, tapi sétan-sétan anu kupur mah. Maranéhna ngajarkeun ka manusa sihir jeung élmu anu diturunkeun ka dua malaikat di Nagri Babilonia, nyaéta Harut jeung Marut. Padahal éta dua malaikat téh teu ngajarkeun nanaon ka saurang ogé saméméh nyarita kieu, “Sabenerna kuring duaan mah ngan saukur jadi cocoba (pikeun anjeun). Ku kituna, anjeun ulah rék kupur.” Tuluy maranéhna neuleuman ti éta dua (malaikat) élmu anu bisa misahkeun antara salaki jeung pamajikanana. Padahal maranéhna moal bisa nyilakakeun saurang ogé ku sihirna téh anging kalayan widi Allah. Maranéhna neuleuman élmu anu matak nyilakakeun jeung teu méré mangpaat pikeun maranéhna sorangan. Padahal maranéhna ogé bener-bener nyahoeun yén saha baé anu nukeurkeun éta (kitab Allah kana sihir), tangtu moal meunang kauntungan di ahérat. Kacida jahatna jalma-jalma anu ngajual dirina k(...)

وَلَوْ اَنَّهُمْ اٰمَنُوْا وَاتَّقَوْا لَمَثُوْبَةٌ مِّنْ عِنْدِ اللّٰهِ خَيْرٌ ۗ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَ ࣖ١٠٣
Wa lau annahum āmanū wattaqau lamaṡūbatum min ‘indillāhi khair(un), lau kānū ya‘lamūn(a).
[103] Sabenerna upama maranéhna iman (ka Muhammad sarta kana Al-Qur’an) tur takwa mah, ganjaran ti mungguhing Allah téh pasti leuwih hadé (dipilih) upama maranéhna nyahoeun mah.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تَقُوْلُوْا رَاعِنَا وَقُوْلُوا انْظُرْنَا وَاسْمَعُوْا وَلِلْكٰفِرِيْنَ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٠٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā taqūlū rā‘inā wa qūlunẓurnā wasma‘ū wa lil-kāfirīna ‘ażābun alīm(un).
[104] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah ngucapkeun (ka Muhammad) “rā’inā”, tapi pok ucapkeun, “unẓurnā”, 40 jeung regepkeun ku aranjeun. Pikeun jalma-jalma kapir mah (disadiakeun) siksaan anu kacida nyerina.
40) Rāinā hartina “perhatoskeun abdi sadaya!” Tapi urang Yahudi waktu ngedalkeunana bari monyongkeun biwirna, nepi ka anu dipimaksud ku maranéhna nyaéta “ru‘ūnah” anu hartina “kalintang beletna”, minangka poyokan ka Rasulullah. Éta pisan sababna kunaon Allah miwarang para sahabat pikeun nukeur kecap “rāinā” ku kecap“unẓurnā” anu hartina sarua jeung “rāinā.”

مَا يَوَدُّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ وَلَا الْمُشْرِكِيْنَ اَنْ يُّنَزَّلَ عَلَيْكُمْ مِّنْ خَيْرٍ مِّنْ رَّبِّكُمْ ۗ وَاللّٰهُ يَخْتَصُّ بِرَحْمَتِهٖ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗ وَاللّٰهُ ذُو الْفَضْلِ الْعَظِيْمِ١٠٥
Mā yawaddul-lażīna kafarū min ahlil-kitābi wa lal-musyrikīna ay yunazzila ‘alaikum min khairim mir rabbikum, wallāhu yakhtaṣṣu biraḥmatihī may yasyā'(u), wallāhu żul faḍlil-‘aẓīm(i).
[105] Jalma-jalma kapir ti golongan Ahli Kitab jeung jalma-jalma musrik mah teu ngaharepkeun diturunkeunana kahadéan (wahyu) ka aranjeun ti Pangéran aranjeun. (Nanging,) ari Allah mah ngahususkeun rahmat-Na ka saha baé nu dikersakeun (ku Mantenna). (Apan) Allah téh anu kagungan kurnia anu agung.

۞ مَا نَنْسَخْ مِنْ اٰيَةٍ اَوْ نُنْسِهَا نَأْتِ بِخَيْرٍ مِّنْهَآ اَوْ مِثْلِهَا ۗ اَلَمْ تَعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٠٦
Mā nansakh min āyatin au nunsihā na'ti bi khairim minhā au miṡlihā, alam ta‘lam annallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[106] Ayat anu dibatalkeun ku Kami atawa dipohokeun tina panginget (manusa), tangtu diganti ku Kami ku ayat nu leuwih alus atawa sadarajat jeung éta. Naha hidep teu nyaho yén saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara?

اَلَمْ تَعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ لَهٗ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ ۗ وَمَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ١٠٧
Alam ta‘lam annallāha lahū mulkus-samāwāti wal arḍ(i), wa mā lakum min dūnillāhi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[107] Naha hidep teu nyaho yén saleresna karajaan langit jeung bumi téh kagungan Allah? Moal aya nu ngabéla jeung nulungan ka maranéh (hé sakabéh manusa) salian ti Allah.

اَمْ تُرِيْدُوْنَ اَنْ تَسْـَٔلُوْا رَسُوْلَكُمْ كَمَا سُىِٕلَ مُوْسٰى مِنْ قَبْلُ ۗوَمَنْ يَّتَبَدَّلِ الْكُفْرَ بِالْاِيْمَانِ فَقَدْ ضَلَّ سَوَاۤءَ السَّبِيْلِ١٠٨
Am turīdūna an tas'alū rasūlakum kamā su'ila mūsā min qabl(u), wa may yatabaddalil-kufra bil-īmāni faqad ḍalla sawā'as-sabīl(i).
[108] Atawa naha maranéh rék ménta ka Rasul maranéh (Muhammad) saperti Bani Israél (baheula) ménta (nyaksian Allah bungkeuleukan) ka Musa? Saha baé anu nukeurkeun iman ku kakupuran, manéhna bener-bener geus kasasar tina jalan anu lempeng.

وَدَّ كَثِيْرٌ مِّنْ اَهْلِ الْكِتٰبِ لَوْ يَرُدُّوْنَكُمْ مِّنْۢ بَعْدِ اِيْمَانِكُمْ كُفَّارًاۚ حَسَدًا مِّنْ عِنْدِ اَنْفُسِهِمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَا تَبَيَّنَ لَهُمُ الْحَقُّ ۚ فَاعْفُوْا وَاصْفَحُوْا حَتّٰى يَأْتِيَ اللّٰهُ بِاَمْرِهٖ ۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٠٩
Wadda kaṡīrum min ahlil-kitābi lau yaruddūnakum mim ba‘di īmānikum kuffārā(n), ḥasadam min ‘indi anfusihim mim ba‘di mā tabayyana lahumul-ḥaqq(u), fa‘fū waṣfaḥū ḥattā ya'tiyallāhu bi amrih(ī), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[109] Loba ti antara Ahli Kitab miharep bisa ngabalikkeun aranjeun (kaom mu’minin) kana kakapiran sabada aranjeun iman, lantaran hiri dengki anu (kaluar) tina dirina, sanggeusna bebeneran jelas pikeun maranéhna. Ku kituna, hampura baé jeung antep baé, nepi ka Allah maparin paréntah-Na. Saleresna Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَاَقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتُوا الزَّكٰوةَ ۗ وَمَا تُقَدِّمُوْا لِاَنْفُسِكُمْ مِّنْ خَيْرٍ تَجِدُوْهُ عِنْدَ اللّٰهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ١١٠
Wa aqīmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāh(ta), wa mā tuqaddimū li'anfusikum min khairin tajidūhu ‘indallāh(i), innallāha bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[110] Prak adegkeun salat jeung kaluarkeun jakat ku aranjeun. Kahadéan naon baé anu dipigawé ku aranjeun pikeun diri sorangan, tangtu aranjeun bakal meunang (ganjaran) ti munggah Allah. Saleresna Allah Maha Ningali kana naon-naon anu dipigawé ku aranjeun.

وَقَالُوْا لَنْ يَّدْخُلَ الْجَنَّةَ اِلَّا مَنْ كَانَ هُوْدًا اَوْ نَصٰرٰى ۗ تِلْكَ اَمَانِيُّهُمْ ۗ قُلْ هَاتُوْا بُرْهَانَكُمْ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١١١
Wa qālū lay yadkhulal-jannata illā man kāna hūdan au naṣārā, tilka amāniyyuhum, qul hātū burhānakum in kuntum ṣādiqīn(a).
[111] Maranéhna (kaom Yahudi jeung Nasrani) ngomong kieu, “Moal pisan-pisan aya nu bakal asup sawarga kajaba urang Yahudi atawa Nasrani.” 41 Éta téh saukur lamunan maranéhna wungkul. Caritakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna, “Atuh sok ngadatangkeun bukti bebeneran (omongan) aranjeun lamun aranjeun jalma-jalma anu bener!”
41) Urang Yahudi ngomong yén maranéhana baé anu bakal asup sawarga téh. Urang Nasrani ogé ngomong yén maranéhna baé anu bakal asup sawarga téh.

بَلٰى مَنْ اَسْلَمَ وَجْهَهٗ لِلّٰهِ وَهُوَ مُحْسِنٌ فَلَهٗٓ اَجْرُهٗ عِنْدَ رَبِّهٖۖ وَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ ࣖ١١٢
Balā man aslama wajhahū lillāhi wa huwa muḥsinun falahū ajruhū ‘inda rabbih(i), wa lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[112] Moal, (maranéhna moal bisa ngadatangkeun bukti)! Saha baé anu masrahkeun dirina ka Allah bari migawé kahadéan, nya pikeun manéhna ganjaran ti mungguhing Pangéranana. Moal aya rasa kahariwang (ngancik) dina dirina jeung (maranéhna) moal pinanggih jeung kasedih.

وَقَالَتِ الْيَهُوْدُ لَيْسَتِ النَّصٰرٰى عَلٰى شَيْءٍۖ وَّقَالَتِ النَّصٰرٰى لَيْسَتِ الْيَهُوْدُ عَلٰى شَيْءٍۙ وَّهُمْ يَتْلُوْنَ الْكِتٰبَۗ كَذٰلِكَ قَالَ الَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ مِثْلَ قَوْلِهِمْ ۚ فَاللّٰهُ يَحْكُمُ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ١١٣
Wa qālatil-yahūdu laisatin-naṣārā ‘alā syai'(in), wa qālatin-naṣārā laisatil-yahūdu ‘alā syai'(in), wa hum yatlūnal-kitāb(a), każālika qālal-lażīna lā ya‘lamūna miṡla qaulihim, fallāhu yaḥkumu bainahum yaumal-qiyāmati fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[113] Urang Yahudi ngomong kieu, “Urang Nasrani mah teu bogaeun cecekelan pisan.” Sabalikna urang Nasrani (sarua) ngomong kitu, “Urang Yahudi mah teu bogaeun cecekelan pisan.” Padahal maranéhna pada-pada maca Kitab (séwang-séwang). Jalma-jalma anu teu bogaeun élmu ogé omonganana jiga kitu. Nya Allah nu bakal ngahukuman di antara maranéhna dina Poé Kiamat ngeunaan anu ku maranéhna dipaséakeun téa.

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ مَّنَعَ مَسٰجِدَ اللّٰهِ اَنْ يُّذْكَرَ فِيْهَا اسْمُهٗ وَسَعٰى فِيْ خَرَابِهَاۗ اُولٰۤىِٕكَ مَا كَانَ لَهُمْ اَنْ يَّدْخُلُوْهَآ اِلَّا خَاۤىِٕفِيْنَ ەۗ لَهُمْ فِى الدُّنْيَا خِزْيٌ وَّلَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ عَذَابٌ عَظِيْمٌ١١٤
Wa man aẓlamu mim mam mana‘a masājidallāhi ay yużkara fīhasmuhū wa sa‘ā fī kharābihā, ulā'ika mā kāna lahum ay yadkhulūhā illā khā'ifīn(a), lahum fid-dun-yā khizyuw wa lahum fil-ākhirati ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[114] Saha nu leuwih dolim tibatan jalma anu ngahalang-halang nyebat jenengan Allah di masjid-masjid-Na tur ngupayakeun pikeun ngarubuhkeunana? Maranéhna henteu pantes asup kana éta (masjid) anging bari sieun (ka Allah). Maranéhna meunang kahinaan di dunya, sarta di ahérat ogé meunang siksaan anu kacida beuratna.

وَلِلّٰهِ الْمَشْرِقُ وَالْمَغْرِبُ فَاَيْنَمَا تُوَلُّوْا فَثَمَّ وَجْهُ اللّٰهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ١١٥
Wa lillāhil-masyriqu wal-magrib(u), fa'ainamā tuwallū faṡamma wajhullāh(i), innallāha wāsi‘un ‘alīm(un).
[115] Kagungan Allah wétan jeung kulon. Ka mana baé aranjeun nyanghareup, nya di dinya aya wajah (kiblat anu dipikarido ku) Allah. Saleresna Allah Mahajembar (tur) Mahauninga.

وَقَالُوا اتَّخَذَ اللّٰهُ وَلَدًا ۙسُبْحٰنَهٗ ۗ بَلْ لَّهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ كُلٌّ لَّهٗ قٰنِتُوْنَ١١٦
Wa qāluttakhażallāhu waladan subḥānah(ū), bal lahū mā fis-samāwāti wal-arḍ(i), kullul lahū qānitūn(a).
[116] Maranéhna (urang Yahudi jeung Nasrani) ngomong kieu, “Allah kagungan putra.” Mahasuci Allah (tina éta omongan). Malah anu aya di langit jeung nu aya di bumi sakabéhna kagungan Allah. Kabéhanana tunduk kana (paréntah) Mantenna.

بَدِيْعُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَاِذَا قَضٰٓى اَمْرًا فَاِنَّمَا يَقُوْلُ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ١١٧
Badī‘us-samāwāti wal-arḍ(i), wa iżā qaḍā amran fa'innamā yaqūlu lahū kun fayakūn(u).
[117] (Allah) nu nyiptakeun langit jeung bumi. Upama Mantenna ngersakeun hiji perkara, cukup ku ngadawuh, “Ngajadi manéh!” Mangka, jleg baé jadi (éta perkara téh).

وَقَالَ الَّذِيْنَ لَا يَعْلَمُوْنَ لَوْلَا يُكَلِّمُنَا اللّٰهُ اَوْ تَأْتِيْنَآ اٰيَةٌ ۗ كَذٰلِكَ قَالَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ مِّثْلَ قَوْلِهِمْ ۗ تَشَابَهَتْ قُلُوْبُهُمْ ۗ قَدْ بَيَّنَّا الْاٰيٰتِ لِقَوْمٍ يُّوْقِنُوْنَ١١٨
Wa qālal-lażīna lā ya‘lamūna lau lā yukallimunallāhu au ta'tīnā āyah(tun), każālika qālal-lażīna min qablihim miṡla qaulihim, tasyābahat qulūbuhum, qad bayyannal-āyāti liqaumiy yūqinūn(a).
[118] Jalma-jalma nu henteu nyaho ngomong kieu, “Kunaon atuh Allah teu ngadawuh (langsung) ka kuring saréréa, atawa (kunaon teu) datang tanda-tanda kakawasaana-Na ka kuring saréréa?” Nya kitu deui jalma-jalma saméméh maranéhna ngomongna téh jiga kitu. Da puguh haténa sarupa. Sabenerna Kami geus ngajelaskeun tanda-tanda (kakawasaan Kami) ka kaom anu yakin.

اِنَّآ اَرْسَلْنٰكَ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَّنَذِيْرًاۙ وَّلَا تُسْـَٔلُ عَنْ اَصْحٰبِ الْجَحِيْمِ١١٩
Innā arsalnāka bil-ḥaqqi basyīraw wa nażīrā(n), wa lā tus'alu ‘an aṣḥābil-jaḥīm(i).
[119] Sabenerna Kami geus ngutus hidep (Muhammad) kalayan ḥaq (bener jeung mawa bebeneran) salaku nu nepikeun pangbubungah jeung pépéling. Hidep moal dipénta (tanggung jawab) ngeunaan (kalakuan) pangeusi naraka Jahanam.

وَلَنْ تَرْضٰى عَنْكَ الْيَهُوْدُ وَلَا النَّصٰرٰى حَتّٰى تَتَّبِعَ مِلَّتَهُمْ ۗ قُلْ اِنَّ هُدَى اللّٰهِ هُوَ الْهُدٰى ۗ وَلَىِٕنِ اتَّبَعْتَ اَهْوَاۤءَهُمْ بَعْدَ الَّذِيْ جَاۤءَكَ مِنَ الْعِلْمِ ۙ مَا لَكَ مِنَ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا نَصِيْرٍ١٢٠
Wa lan tarḍā ‘ankal-yahūdu wa lan-naṣārā ḥattā tattabi‘a millatahum, qul inna hudallāhi huwal-hudā, wa la'inittaba‘ta ahwā'ahum ba‘dal-lażī jā'aka minal-‘ilm(i), mā laka minallāhi miw waliyyiw wa lā naṣīr(in).
[120] Urang Yahudi jeung urang Nasrani mah moal bakal ridoeun ka hidep (Muhammad) satungtung can anut kana agama maranéhna. Pék caritakeun ku hidep, “Sabenerna pituduh Allah téh nyaéta pituduh (anu sabenerna).” Upama hidep bener-bener nurut kana kahayang maranéhna sabada datangna pituduh ka hidep, tangtu moal aya pikeun hidep panangtayungan jeung pitulung ti Allah.

اَلَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يَتْلُوْنَهٗ حَقَّ تِلَاوَتِهٖۗ اُولٰۤىِٕكَ يُؤْمِنُوْنَ بِهٖ ۗ وَمَنْ يَّكْفُرْ بِهٖ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ ࣖ١٢١
Allażīna ātaināhumul-kitāba yatlūnahū ḥaqqa tilāwatih(ī), ulā'ika yu'minūna bih(ī), wa may yakfur bihī fa ulā'ika humul-khāsirūn(a).
[121] Jalma-jalma anu geus dipaparinan Kitab ku Kami bari tuluy dibaca sakumaha mustina, nya maranéhna téh jalma-jalma anu iman kana éta (Kitab). Saha baé anu ingkar kana éta (Kitab), nya maranéhna téh jalma-jalma anu rugi.

يٰبَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ اذْكُرُوْا نِعْمَتِيَ الَّتِيْٓ اَنْعَمْتُ عَلَيْكُمْ وَاَنِّيْ فَضَّلْتُكُمْ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ١٢٢
Yā banī isrā'īlażkurū ni‘matiyal-latī an‘amtu ‘alaikum wa annī faḍḍaltukum ‘alal-‘ālamīn(a).
[122] Hé Bani Israél, sing inget kana ni’mat Kami anu geus dibikeun ka maranéh. Sabenerna Kami geus ngunggulkeun maranéh batan umat séjénna di ieu alam dunya (dina mangsa harita).

وَاتَّقُوْا يَوْمًا لَّا تَجْزِيْ نَفْسٌ عَنْ نَّفْسٍ شَيْـًٔا وَّلَا يُقْبَلُ مِنْهَا عَدْلٌ وَّلَا تَنْفَعُهَا شَفَاعَةٌ وَّلَا هُمْ يُنْصَرُوْنَ١٢٣
Wattaqū yaumal lā tajzī nafsun ‘an nafsin syai'aw wa lā yuqbalu minhā ‘adluw wa lā tanfa‘uhā syafā‘atuw wa lā hum yunṣarūn(a).
[123] Sing ngarasa hariwang maranéh kana hiji poé (nalika) taya saurang ogé anu bisa silih gantian saeutik ogé, sarta tebusan naon ogé moal ditarima (ti maranéhna), jeung bantuan naon ogé moal jadi mangpaat (keur maranéhna), malah maranéhna téh moal pisan ditulungan.

۞ وَاِذِ ابْتَلٰٓى اِبْرٰهٖمَ رَبُّهٗ بِكَلِمٰتٍ فَاَتَمَّهُنَّ ۗ قَالَ اِنِّيْ جَاعِلُكَ لِلنَّاسِ اِمَامًا ۗ قَالَ وَمِنْ ذُرِّيَّتِيْ ۗ قَالَ لَا يَنَالُ عَهْدِى الظّٰلِمِيْنَ١٢٤
Wa iżibtalā ibrāhīma rabbuhū bikalimātin fa atammahunn(a), qāla innī jā‘iluka lin-nāsi imāmā(n), qāla wa min żurriyyatī, qāla lā yanālu ‘ahdiẓ-ẓālimīn(a).
[124] (Sing inget) nalika Ibrahim dicoba ku Pangéranana ku sababaraha kalimah (paréntah jeung cegahan), tuluy anjeunna téh ngalaksanakeun (éta kalimah) kalayan sampurna. Mantenna ngadawuh, “Sabenerna Kami ngangkat hidep jadi pamingpin pikeun sakumna manusa.” Anjeunna naros, “Sareng ti turunan abdi ogé?” Allah ngadawuh, “(Bener, tapi) ieu jangji Kami téh henteu keuna pikeun jalma-jalma dolim.”

وَاِذْ جَعَلْنَا الْبَيْتَ مَثَابَةً لِّلنَّاسِ وَاَمْنًاۗ وَاتَّخِذُوْا مِنْ مَّقَامِ اِبْرٰهٖمَ مُصَلًّىۗ وَعَهِدْنَآ اِلٰٓى اِبْرٰهٖمَ وَاِسْمٰعِيْلَ اَنْ طَهِّرَا بَيْتِيَ لِلطَّاۤىِٕفِيْنَ وَالْعٰكِفِيْنَ وَالرُّكَّعِ السُّجُوْدِ١٢٥
Wa iż ja‘alnal-baita maṡābatal lin-nāsi wa amnā(n), wattakhiżū mim maqāmi ibrāhīma muṣallā(n), wa ‘ahidnā ilā ibrāhīma wa ismā‘īla an ṭahhirā baitiya liṭ-ṭā'ifīna wal-‘ākifīna war-rukka‘is-sujūd(i).
[125] (Sing inget deui) waktu Kami ngajadikeun Baitullah tempat ngumpul jeung tempat anu aman pikeun manusa. Pék geura jadikeun sabagian Maqām Ibrāhīm 42 tempat salat! Kami geus méré paréntah ka Ibrahim jeung Ismail, “Geura beresihan Imah Kami (Ka’bah) pikeun jalma-jalma nu towaf, anu itikaf, anu ruku’, jeung nu sujud!”
42) Nyaéta tempat Nabi Ibrahim a.s. ngadeg waktu ngawangun Ka’bah.

وَاِذْ قَالَ اِبْرٰهٖمُ رَبِّ اجْعَلْ هٰذَا بَلَدًا اٰمِنًا وَّارْزُقْ اَهْلَهٗ مِنَ الثَّمَرٰتِ مَنْ اٰمَنَ مِنْهُمْ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۗ قَالَ وَمَنْ كَفَرَ فَاُمَتِّعُهٗ قَلِيْلًا ثُمَّ اَضْطَرُّهٗٓ اِلٰى عَذَابِ النَّارِ ۗ وَبِئْسَ الْمَصِيْرُ١٢٦
Wa iż qāla ibrāhīmu rabbij‘al hāżā baladan āminaw warzuq ahlahū minaṡ-ṡamarāti man āmana minhum billāhi wal-yaumil-ākhir(i), qāla wa man kafara fa umatti‘uhū qalīlan ṡumma aḍṭarruhū ilā ‘ażābin-nār(i), wa bi'sal-maṣīr(u).
[126] (Sing inget deui) waktu Ibrahim ngadoa, “Nun Gusti, mugi Gusti ngajantenkeun (ieu nagri Mekah) tempat nu aman, sareng mugi Gusti maparin rejeki mangrupi bubuahan ka pangeusina, nyaéta ka jalmi-jalmi ti antawis aranjeunna anu iman ka Allah sareng kana dinten pamungkas.” Mantenna ngadawuh, “Ka jalma kapir ogé Kami bakal maparin kasenangan saheulaanan, sanggeus kitu Kami bakal maksa manéhna (ngarasakeun) siksa naraka, jeung éta téh panggoréng-goréngna tempat pangbalikan.”

وَاِذْ يَرْفَعُ اِبْرٰهٖمُ الْقَوَاعِدَ مِنَ الْبَيْتِ وَاِسْمٰعِيْلُۗ رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا ۗ اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ١٢٧
Wa iż yarfa‘u ibrāhīmul-qawā‘ida minal-baiti wa ismā‘īl(u), rabbanā taqabbal minnā, innaka antas-samī‘ul-‘alīm(u).
[127] (Sing inget deui) waktu Ibrahim ngajangkungan pondasi Baitullah babarengan jeung Ismail, (bari ngadoa kieu), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugia kersa nampi (ieu amal) ti abdi sadaya. Saleresna Gusti Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

رَبَّنَا وَاجْعَلْنَا مُسْلِمَيْنِ لَكَ وَمِنْ ذُرِّيَّتِنَآ اُمَّةً مُّسْلِمَةً لَّكَۖ وَاَرِنَا مَنَاسِكَنَا وَتُبْ عَلَيْنَا ۚ اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ١٢٨
Rabbanā waj‘alnā muslimaini laka wa min żurriyyatinā ummatam muslimatal lak(a), wa arinā manāsikanā wa tub ‘alainā, innaka antat-tawwābur-raḥīm(u).
[128] Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugia Gusti ngajantenkeun abdi sadaya jalmi anu tunduk tur sumerah ka Gusti, sinareng turunan abdi duaan pamugi ogé (dijantenkeun) umat anu tunduk tur sumerah ka Gusti. Mugia Gusti nunjukkeun prak-prakan tur tempat-tempat ibadah haji abdi sadaya, sareng mugia Gusti nampi tobat ti abdi sadaya. Saleresna Gusti Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

رَبَّنَا وَابْعَثْ فِيْهِمْ رَسُوْلًا مِّنْهُمْ يَتْلُوْا عَلَيْهِمْ اٰيٰتِكَ وَيُعَلِّمُهُمُ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَيُزَكِّيْهِمْ ۗ اِنَّكَ اَنْتَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ١٢٩
Rabbanā wab‘aṡ fīhim rasūlam minhum yatlū ‘alaihim āyātika wa yu‘allimuhumul-kitāba wal-ḥikmata wa yuzakkīhim, innaka antal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[129] Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugia Gusti ngutus ka aranjeunna hiji rasul ti antawis aranjeunna sorangan, anu bakal maoskeun ka aranjeunna ayat-ayat Gusti, anu bakal ngawulangkeun Kitab (Al-Qur’an) tur Hikmah (Sunnah) ka aranjeunna, sinareng anu bakal ngabersihkeun aranjeunna (tina kamusrikan tur ahlak nu goréng). Saleresna Gusti Mahakawasa (tur) Mahawijaksana.”

وَمَنْ يَّرْغَبُ عَنْ مِّلَّةِ اِبْرٰهٖمَ اِلَّا مَنْ سَفِهَ نَفْسَهٗ ۗوَلَقَدِ اصْطَفَيْنٰهُ فِى الدُّنْيَا ۚوَاِنَّهٗ فِى الْاٰخِرَةِ لَمِنَ الصّٰلِحِيْنَ١٣٠
Wa may yargabu ‘an millati ibrāhīma illā man safiha nafsah(ū), wa laqad-iṣṭafaināhu fid-dun-yā, wa innahū fil-ākhirati laminaṣ-ṣāliḥīn(a).
[130] Teu aya nu mikangéwa kana agama Ibrahim iwal ti jalma anu ngabobodo dirina sorangan. Sabenerna Kami geus milih anjeunna di ieu alam dunya, tur sabenerna anjeunna téh di ahératna kaasup jalma-jalma soléh.

اِذْ قَالَ لَهٗ رَبُّهٗٓ اَسْلِمْۙ قَالَ اَسْلَمْتُ لِرَبِّ الْعٰلَمِيْنَ١٣١
Iż qāla lahū rabbuhū aslim, qāla aslamtu lirabbil-‘ālamīn(a).
[131] (Sing inget deui) waktu Pangéran ngadawuh ka anjeunna (Ibrahim), “Sing tunduk tur sumerah diri!” Anjeunna ngawaler, “Abdi tunduk tur sumerah diri ka Pangéran sakumna alam.”

وَوَصّٰى بِهَآ اِبْرٰهٖمُ بَنِيْهِ وَيَعْقُوْبُۗ يٰبَنِيَّ اِنَّ اللّٰهَ اصْطَفٰى لَكُمُ الدِّيْنَ فَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ ۗ١٣٢
Wa waṣṣā bihā ibrāhīmu banīhi wa ya‘qūb(u), yā baniyya innallāhaṣṭafā lakumud-dīna falā tamūtunna illā wa antum muslimūn(a).
[132] Ibrahim geus ngawasiatkeun éta (ucapan) ka putra-putrana, nya kitu deui Yaqub, (saurna téh), “Anaking, saleresna Allah parantos milih ieu agama pikeun aranjeun. Ku kituna, ulah maot kajaba dina kaayaan muslim.”

اَمْ كُنْتُمْ شُهَدَاۤءَ اِذْ حَضَرَ يَعْقُوْبَ الْمَوْتُۙ اِذْ قَالَ لِبَنِيْهِ مَا تَعْبُدُوْنَ مِنْۢ بَعْدِيْۗ قَالُوْا نَعْبُدُ اِلٰهَكَ وَاِلٰهَ اٰبَاۤىِٕكَ اِبْرٰهٖمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ اِلٰهًا وَّاحِدًاۚ وَنَحْنُ لَهٗ مُسْلِمُوْنَ١٣٣
Am kuntum syuhadā'a iż ḥaḍara ya‘qūbal-maut(u), iż qāla libanīhi mā ta‘budūna mim ba‘dī, qālū na‘budu ilāhaka wa ilāha ābā'ika ibrāhīma wa ismā‘īla wa isḥāqa ilāhaw wāḥidā(n), wa naḥnu lahū muslimūn(a).
[133] Naha maranéh (urang-urang Yahudi) jadi saksi waktu Yaqub rék maot? Waktu anjeunna naros ka putra-putrana, “Naon nu disembah ku aranjeun sanggeus bapa maot?” Aranjeunna ngajawab, “Abdi sadaya badé ibadah ka Pangéranana bapa sareng Pangéranana karuhun bapa, (nyaéta) Ibrahim, Ismail, sareng Ishaq, (nyaéta) Pangéran Nu Mahatunggal tur abdi sadaya sumerah diri ka Mantenna wungkul.”

تِلْكَ اُمَّةٌ قَدْ خَلَتْ ۚ لَهَا مَا كَسَبَتْ وَلَكُمْ مَّا كَسَبْتُمْ ۚ وَلَا تُسْـَٔلُوْنَ عَمَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٣٤
Tilka ummatun qad khalat, lahā mā kasabat wa lakum mā kasabtum, wa lā tus'alūna ‘ammā kānū ya‘malūn(a).
[134] Tah éta téh umat-umat nu geus kaliwat. Pikeun maranéhna naon-naon nu geus diupayakeun ku maranéhna, jeung pikeun aranjeun ogé naon-naon nu geus diupayakeun ku aranjeun. Aranjeun moal dipénta (tanggung jawab) tina naon-naon anu baheula geus dipilampah ku maranéhna.

وَقَالُوْا كُوْنُوْا هُوْدًا اَوْ نَصٰرٰى تَهْتَدُوْا ۗ قُلْ بَلْ مِلَّةَ اِبْرٰهٖمَ حَنِيْفًا ۗوَمَا كَانَ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٣٥
Wa qālū kūnū hūdan au naṣārā tahtadū, qul bal millata ibrāhīma ḥanīfā(n), wa mā kāna minal-musyrikīn(a).
[135] Maranéhna (urang Yahudi jeung Nasrani) ngomong kieu, “Geura jadi (pangagem) Yahudi atawa Nasrani, tangtu aranjeun meunang pituduh!” Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “(Moal), tapi (kuring sabalikna ngagem) agama Ibrahim nu lempeng. Anjeunna mah teu pisan-pisan kaasup kana golongan jalma-jalma musrik.”

قُوْلُوْٓا اٰمَنَّا بِاللّٰهِ وَمَآ اُنْزِلَ اِلَيْنَا وَمَآ اُنْزِلَ اِلٰٓى اِبْرٰهٖمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ وَالْاَسْبَاطِ وَمَآ اُوْتِيَ مُوْسٰى وَعِيْسٰى وَمَآ اُوْتِيَ النَّبِيُّوْنَ مِنْ رَّبِّهِمْۚ لَا نُفَرِّقُ بَيْنَ اَحَدٍ مِّنْهُمْۖ وَنَحْنُ لَهٗ مُسْلِمُوْنَ١٣٦
Qūlū āmannā billāhi wa mā unzila ilainā wa mā unzila ilā ibrāhīma wa ismā‘īla wa isḥāqa wa ya‘qūba wal-asbāṭi wa mā ūtiya mūsā wa ‘īsā wa mā ūtiyan-nabiyyūna mir rabbihim, lā nufarriqu baina aḥadim minhum wa naḥnu lahū muslimūn(a).
[136] Ucapkeun ku aranjeun (kaom mu’minin), “Abdi sadaya iman ka Allah sareng kana naon anu parantos diturunkeun ka abdi sadaya, sarta kana naon anu parantos diturunkeun ka Ibrahim, Ismail, Ishaq, Yaqub, sareng turunanana. Kitu deui (abdi sadaya iman) kana naon nu parantos dipaparinkeun ka Musa, Isa, sareng para nabi ti mungguhing Pangéranana. Abdi sadaya teu ngabénten-bénten salah saurang ogé ti antawis aranjeunna. Abdi sadaya sumerah diri ka Mantenna.”

فَاِنْ اٰمَنُوْا بِمِثْلِ مَآ اٰمَنْتُمْ بِهٖ فَقَدِ اهْتَدَوْا ۚوَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّمَا هُمْ فِيْ شِقَاقٍۚ فَسَيَكْفِيْكَهُمُ اللّٰهُ ۚوَهُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ ۗ١٣٧
Fa'in āmanū bimiṡli mā āmantum bihī faqadihtadau, wa in tawallau fa'innamā hum fī syiqāq(in), fasayakfīkahumullāh(u), wa huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[137] Upama maranéhna (urang Yahudi jeung Nasrani) iman ka nu sakumaha diimanan ku aranjeun, tangtu bener-bener meunang pituduh, tapi lamun seug maranéhna ngabalieur, tangtu bakal aya dina pasalia paham (jeung aranjeun). Ku kituna, Allah bakal nyukupan hidep (Muhammad) dina nyanghareupan maranéhna (kalayan pitulung Mantenna). Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

صِبْغَةَ اللّٰهِ ۚ وَمَنْ اَحْسَنُ مِنَ اللّٰهِ صِبْغَةً ۖ وَّنَحْنُ لَهٗ عٰبِدُوْنَ١٣٨
Ṣibgatallāh(i), wa man aḥsanu minallāhi ṣibgataw wa naḥnu lahū ‘ābidūn(a).
[138] (Sing tetep dina) Sibgah Allah (celepan Allah). 43 Saha nu leuwih alus sibgah-Na tibatan Allah? (Ucapkeun ogé) abdi sadaya ibadah mung ka Mantenna.
43) Sibgah Allah maksudna agama Mantenna.

قُلْ اَتُحَاۤجُّوْنَنَا فِى اللّٰهِ وَهُوَ رَبُّنَا وَرَبُّكُمْۚ وَلَنَآ اَعْمَالُنَا وَلَكُمْ اَعْمَالُكُمْۚ وَنَحْنُ لَهٗ مُخْلِصُوْنَ ۙ١٣٩
Qul atuḥājjūnanā fillāhi wa huwa rabbunā wa rabbukum, wa lanā a‘mālunā wa lakum a‘mālukum, wa naḥnu lahū mukhliṣūn(a).
[139] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun rék ngadébat kuring saréréa tina perkara Allah? Padahal Mantenna téh Pangéran kuring saréréa jeung Pangéran aranjeun. Pikeun kuring saréréa amal-amalan kuring jeung pikeun aranjeun amal-amalan aranjeun. Kuring sadaya mah ihlas sumerah ka Mantenna.

اَمْ تَقُوْلُوْنَ اِنَّ اِبْرٰهٖمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَ وَالْاَسْبَاطَ كَانُوْا هُوْدًا اَوْ نَصٰرٰى ۗ قُلْ ءَاَنْتُمْ اَعْلَمُ اَمِ اللّٰهُ ۗ وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ كَتَمَ شَهَادَةً عِنْدَهٗ مِنَ اللّٰهِ ۗ وَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ١٤٠
Am taqūlūna inna ibrāhīma wa ismā‘īla wa isḥāqa wa ya‘qūba wal-asbāṭa kānū hūdan au naṣārā, qul a'antum a‘lamu amillāh(u), wa man aẓlamu mimman katama syahādatan ‘indahū minallāh(i), wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[140] Atawa naha aranjeun (urang Yahudi jeung Nasrani) nyarita yén Ibrahim, Ismail, Ishaq, jeung Yaqub katut turunanana téh pangagem agama Yahudi atawa Nasrani? Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha aranjeun nu leuwih nyaho téh atawa Allah? Saha nu leuwih dolim tibatan jalma nu nyumputkeun kasaksén ti Allah 44 anu aya di manéhna?” Allah moal pisan-pisan lalieun kana naon-naon nu geus dipilampah ku maranéh.
44) Nyaéta kasaksian Allah anu kasebut dina Torét sarta Injil, yén Nabi Ibrahim a.s. sarta anak incuna lain pangagem agama Yahudi atawa Nasrani, sarta yén Allah badé ngutus Nabi Muhammad Saw.

تِلْكَ اُمَّةٌ قَدْ خَلَتْ ۚ لَهَا مَا كَسَبَتْ وَلَكُمْ مَّا كَسَبْتُمْ ۚ وَلَا تُسْـَٔلُوْنَ عَمَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ ࣖ ۔١٤١
Tilka ummatun qad khalat, lahā mā kasabat wa lakum mā kasabtum, wa lā tus'alūna ‘ammā kānū ya‘malūn(a).
[141] Éta téh umat-umat nu geus kaliwat. Pikeun maranéhna naon-naon nu geus diupayakeun ku maranéhna (sorangan), jeung pikeun aranjeun ogé naon-naon nu geus diupayakeun ku aranjeun. Aranjeun moal dipénta (tanggung jawab) tina naon-naon anu geus dipilampah ku maranéhna (baheula).

۞ سَيَقُوْلُ السُّفَهَاۤءُ مِنَ النَّاسِ مَا وَلّٰىهُمْ عَنْ قِبْلَتِهِمُ الَّتِيْ كَانُوْا عَلَيْهَا ۗ قُلْ لِّلّٰهِ الْمَشْرِقُ وَالْمَغْرِبُۗ يَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ١٤٢
Sayāqūlus-sufahā'u minan-nāsi mā wallāhum ‘an qiblatihimul-latī kānū ‘alaihā, qul lillāhil-masyriqu wal-magrib(u), yahdī may yasyā'u ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[142] Jalma-jalma nu kurang akal ti antara manusa bakal nanya kieu, “Naon nu méngkolkeun maranéhna (kaom muslimin) ti kiblat (Baitul Maqdis) anu baheula maranéhna (ngiblat) ka dinya?” Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kagungan Allah (lebah) wétan jeung kulon. Mantenna maparin pituduh ka saha baé anu dikersakeuna-Na kana jalan anu lempeng.”

وَكَذٰلِكَ جَعَلْنٰكُمْ اُمَّةً وَّسَطًا لِّتَكُوْنُوْا شُهَدَاۤءَ عَلَى النَّاسِ وَيَكُوْنَ الرَّسُوْلُ عَلَيْكُمْ شَهِيْدًا ۗ وَمَا جَعَلْنَا الْقِبْلَةَ الَّتِيْ كُنْتَ عَلَيْهَآ اِلَّا لِنَعْلَمَ مَنْ يَّتَّبِعُ الرَّسُوْلَ مِمَّنْ يَّنْقَلِبُ عَلٰى عَقِبَيْهِۗ وَاِنْ كَانَتْ لَكَبِيْرَةً اِلَّا عَلَى الَّذِيْنَ هَدَى اللّٰهُ ۗوَمَا كَانَ اللّٰهُ لِيُضِيْعَ اِيْمَانَكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ بِالنَّاسِ لَرَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ١٤٣
Wa każālika ja‘alnākum ummataw wasaṭal litakūnū syuhadā'a ‘alan-nāsi wa yakūnar-rasūlu ‘alaikum syahīdā(n), wa mā ja‘alnal-qiblatal-latī kunta ‘alaihā illā lina‘lama may yattabi‘ur-rasūla mimmay yanqalibu ‘alā ‘aqibaih(i), wa in kānat lakabīratan illā ‘alal-lażīna hadallāh(u), wa mā kānallāhu liyuḍī‘a īmānakum, innallāha bin-nāsi lara'ūfur raḥīm(un).
[143] Nya saperti kitu ogé Kami geus ngajadikeun aranjeun (kaom muslimin) umat siger tengah 45 sangkan aranjeun jadi saksi pikeun (lalampahan) jalma-jalma jeung (sangkan) Rasul (Muhammad) ogé jadi saksi keur (lalampahan) aranjeun. Kami henteu ngajadikeun kiblat anu disanghareupan ku hidep (baheula salaku kiblat hidep ayeuna), anging pikeun nganyahokeun saha anu tumut ka Rasul jeung saha anu balik deui ka tukang (murtad). Sabenerna (pindahna kiblat) téh beurat karasana anging pikeun jalma-jalma anu geus dipaparinan pituduh ku Allah. Allah moal pisan-pisan nyapirakeun kana iman aranjeun. Sabenerna Allah Mahawelas (tur) Mahaasih.
45) Umat anu adil anu teu beurat sabeulah, boh ka dunya atawa ka ahérat, tapi saimbang di antara duanana.

قَدْ نَرٰى تَقَلُّبَ وَجْهِكَ فِى السَّمَاۤءِۚ فَلَنُوَلِّيَنَّكَ قِبْلَةً تَرْضٰىهَا ۖ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ ۗ وَحَيْثُ مَا كُنْتُمْ فَوَلُّوْا وُجُوْهَكُمْ شَطْرَهٗ ۗ وَاِنَّ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ لَيَعْلَمُوْنَ اَنَّهُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّهِمْ ۗ وَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا يَعْمَلُوْنَ١٤٤
Qad narā taqallubaka wajhika fis-samā'(i), fa lanuwalliyannaka qiblatan tarḍāhā, fawalli wajhaka syaṭral-masjidil-ḥarām(i), wa ḥaiṡumā kuntum fawallū wujūhakum syaṭrah(ū), wa innal-lażīna ūtul-kitāba laya‘lamūna annahul-ḥaqqu mir rabbihim, wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ya‘malūn(a).
[144] Kami temen-temen ningali beungeut hidep (Muhammad) sering tatanggahan ka langit. Mangka, Kami bakal nyanghareupkeun hidep kana kiblat anu dipikaresep ku hidep (Ka’bah). Atuh prak geura sanghareupkeun beungeut hidep ka lebah Masjidil Haram. Di mana baé aranjeun ayana, sanghareupkeun beungeut aranjeun ka lebah dinya. Sabenerna jalma-jalma anu dipaparinan Kitab (Torét jeung Injil) nyahoeun pisan yén (pindahna kiblat ka Masjidil Haram) téh éstu bebeneran ti Pangéranana. Allah moal bakal lalieun kana naon-naon anu dipilampah ku maranéhna.

وَلَىِٕنْ اَتَيْتَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْكِتٰبَ بِكُلِّ اٰيَةٍ مَّا تَبِعُوْا قِبْلَتَكَ ۚ وَمَآ اَنْتَ بِتَابِعٍ قِبْلَتَهُمْ ۚ وَمَا بَعْضُهُمْ بِتَابِعٍ قِبْلَةَ بَعْضٍۗ وَلَىِٕنِ اتَّبَعْتَ اَهْوَاۤءَهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَاجَاۤءَكَ مِنَ الْعِلْمِ ۙ اِنَّكَ اِذًا لَّمِنَ الظّٰلِمِيْنَ ۘ١٤٥
Wa la'in ataital-lażīna ūtul-kitāba bikulli āyatim mā tabi‘ū qiblatak(a), wa mā anta bitābi‘in qiblatahum, wa mā ba‘ḍuhum bitābi‘in qiblata ba‘ḍ(in), wa la'inittaba‘ta ahwā'ahum mim ba‘di mā jā'aka minal-‘ilm(i), innaka iżal laminaẓ-ẓālimīn(a).
[145] Sanajan hidep (Muhammad) bener-bener ngadatangkeun sakabéh ayat (katerangan) ka éta jalma-jalma anu dibéré Kitab (Yahudi jeung Nasrani), maranéhna téh tetep baé moal nurut kana kiblat hidep, nya kitu deui hidep ogé moal nurut kana kiblat maranéhna. Sabagian ti antara maranéhna ogé moal nurut kana kiblat (boga) sawaréhna deui. Sabenerna lamun hidep nurut kana kahayang maranéhna, sanggeusna datangna élmu ka hidep, tangtu hidep ogé kaasup kana golongan jalma-jalma dolim.

اَلَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يَعْرِفُوْنَهٗ كَمَا يَعْرِفُوْنَ اَبْنَاۤءَهُمْ ۗ وَاِنَّ فَرِيْقًا مِّنْهُمْ لَيَكْتُمُوْنَ الْحَقَّ وَهُمْ يَعْلَمُوْنَ١٤٦
Allażīna ātaināhumul-kitāba ya‘rifūnahū kamā ya‘rifūna abnā'ahum, wa inna farīqam minhum layaktumūnal-ḥaqqa wa hum ya‘lamūn(a).
[146] Jalma-jalma anu geus dipaparinan Kitab (Torét jeung Injil) ku Kami pada nyahoeun ka hidep (Muhammad), 46 sakumaha maranéhna nyahoeun ka anak-anakna sorangan. Sabenerna sabagian ti antara maranéhna nyumputkeun bebeneran, padahal maranéhna téh nyahoeun.
46) Nyahoeun kana kanabian Muhammad Saw. sarta sipat-sipatna sakumaha anu kasebut dina Torét jeung Injil.

اَلْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ فَلَا تَكُوْنَنَّ مِنَ الْمُمْتَرِيْنَ ࣖ١٤٧
Al-ḥaqqu mir rabbika falā takūnanna minal-mumtarīn(a).
[147] Bebeneran téh (datang) ti Pangéran hidep. Ku sabab kitu, hidep mah omat ulah kaasup ka jalma-jalma anu mangmang.

وَلِكُلٍّ وِّجْهَةٌ هُوَ مُوَلِّيْهَا فَاسْتَبِقُوا الْخَيْرٰتِۗ اَيْنَ مَا تَكُوْنُوْا يَأْتِ بِكُمُ اللّٰهُ جَمِيْعًا ۗاِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ١٤٨
Wa likulliw wijhatun huwa muwallīhā fastabiqul-khairāt(i), aina mā takūnū ya'ti bikumullāhu jamī‘ā(n), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[148] Saban umat pada boga kiblat (séwang-séwangan), tempat maranéhna nyanghareup (ka dinya). Ku kituna, aranjeun kudu paheula-heula dina kahadéan. Di mana baé aranjeun aya, pasti Allah bakal ngumpulkeun aranjeun kabéh. Saleresna Allah téh Nu Mahakawasa kana sagala perkara.

وَمِنْ حَيْثُ خَرَجْتَ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ ۗ وَاِنَّهٗ لَلْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ ۗ وَمَا اللّٰهُ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ١٤٩
Wa min ḥaiṡu kharajta fawalli wajhaka syaṭral-masjidil-ḥarām(i), wa innahū lal-ḥaqqu mir rabbik(a), wa mallāhu bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[149] Ti mana baé hidep (Muhammad) kaluar, mangka sanghareupkeun beungeut hidep ka lebah Masjidil Haram. Sabenerna éta téh katangtuan ti Pangéran hidep. Allah moal pisan-pisan lalieun kana sagala anu dipilampah ku aranjeun.

وَمِنْ حَيْثُ خَرَجْتَ فَوَلِّ وَجْهَكَ شَطْرَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ ۗ وَحَيْثُ مَا كُنْتُمْ فَوَلُّوْا وُجُوْهَكُمْ شَطْرَهٗ ۙ لِئَلَّا يَكُوْنَ لِلنَّاسِ عَلَيْكُمْ حُجَّةٌ اِلَّا الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مِنْهُمْ فَلَا تَخْشَوْهُمْ وَاخْشَوْنِيْ وَلِاُتِمَّ نِعْمَتِيْ عَلَيْكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَۙ١٥٠
Wa min ḥaiṡu kharajta fa walli wajhaka syaṭral-masjidil-ḥarām(i), wa ḥaiṡumā kuntum fawallū wujūhakum syaṭrah(ū), li'allā yakūna lin-nāsi ‘alaikum ḥujjatun illal-lażīna ẓalamū minhum, falā takhsyauhum wakhsyaunī, wa li'utimma ni‘matī ‘alaikum wa la‘allakum tahtadūn(a).
[150] Ti mana baé hidep kaluar, mangka sanghareupkeun beungeut hidep ka lebah Masjidil Haram; Di mana baé aranjeun aya, sanghareupkeun beungeut aranjeun ka lebah dinya, supaya jalma-jalma teu boga alesan pikeun ngabantah ka aranjeun, anging jalma-jalma anu dolim ti antara maranéhna. Mangka, aranjeun (kaom mu’min) ulah rék sieun ku maranéhna, tapi sing sieun ka Kami, supaya Kami nyampurnakeun ni’mat Kami ka aranjeun jeung supaya aranjeun meunang pituduh.

كَمَآ اَرْسَلْنَا فِيْكُمْ رَسُوْلًا مِّنْكُمْ يَتْلُوْا عَلَيْكُمْ اٰيٰتِنَا وَيُزَكِّيْكُمْ وَيُعَلِّمُكُمُ الْكِتٰبَ وَالْحِكْمَةَ وَيُعَلِّمُكُمْ مَّا لَمْ تَكُوْنُوْا تَعْلَمُوْنَۗ١٥١
Kamā arsalnā fīkum rasūlam minkum yatlū ‘alaikum āyātinā wa yuzakkīkum wa yu‘allimukumul-kitāba wal-ḥikmata wa yu‘allimukum mā lam takūnū ta‘lamūn(a).
[151] Sakumaha Kami geus ngutus ka aranjeun (kaom mu’minin) rasul (Muhammad) ti (antara) aranjeun, anu macakeun ayat-ayat Kami ka aranjeun, anu nyucikeun aranjeun, anu ngawurukan ka aranjeun Kitab (Al-Qur’an) jeung Hikmah (Sunnah), jeung anu ngawurukan naon-naon anu tacan dipikanyaho ku aranjeun.

فَاذْكُرُوْنِيْٓ اَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْا لِيْ وَلَا تَكْفُرُوْنِ ࣖ١٥٢
Fażkurūnī ażkurkum wasykurū lī wa lā takfurūn(i).
[152] Mangka, sing éling aranjeun ka Kami, engké Kami ogé bakal éling ka aranjeun. 47 Sing sukuran ka Kami jeung omat ulah kupur ka Kami.
47) Kami ngalimpahkeun rahmat jeung pangampura ka aranjeun.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اسْتَعِيْنُوْا بِالصَّبْرِ وَالصَّلٰوةِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ مَعَ الصّٰبِرِيْنَ١٥٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanusta‘īnū biṣ-ṣabri waṣ-ṣalāh(ti), innallāha ma‘aṣ-ṣābirīn(a).
[153] Hé jalma-jalma anu iman, geura ménta pitulung (ka Allah) ku jalan sabar jeung salat. Saleresna Allah babarengan jeung jalma-jalma anu sabar.

وَلَا تَقُوْلُوْا لِمَنْ يُّقْتَلُ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ اَمْوَاتٌ ۗ بَلْ اَحْيَاۤءٌ وَّلٰكِنْ لَّا تَشْعُرُوْنَ١٥٤
Wa lā taqūlū limay yuqtalu fī sabīlillāhi amwāt(un), bal aḥyā'uw wa lākil lā tasy‘urūn(a).
[154] Aranjeun ulah nyarita yén jalma-jalma anu ditelasan dina jalan Allah téh maot. Sabenerna (aranjeunna téh) hirup, 48 ngan baé aranjeun mah henteu nyadar.
48) Hirup dina alam séjén anu béda jeung alam urang ieu. Di dinya aranjeunna meunang kani’matan-kani’matan ti mungguhing Allah. Mung Allah anu uninga kumaha kaayaan kahirupan di éta alam.

وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوْفِ وَالْجُوْعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الْاَمْوَالِ وَالْاَنْفُسِ وَالثَّمَرٰتِۗ وَبَشِّرِ الصّٰبِرِيْنَ١٥٥
Wa lanabluwannakum bisyai'im minal-khaufi wal-jū‘i wa naqaṣim minal-amwāli wal-anfusi waṡ-ṡamarāt(i), wa basysyiriṣ-ṣābirīn(a).
[155] Kami pasti bakal nyoba aranjeun ku hiji perkara mangrupa rasa kasieun, lapar, sarta kakurangan harta banda, jiwa, jeung bubuahan. Prak tepikeun béja pikabungaheun ka jalma-jalma anu sabar.

اَلَّذِيْنَ اِذَآ اَصَابَتْهُمْ مُّصِيْبَةٌ ۗ قَالُوْٓا اِنَّا لِلّٰهِ وَاِنَّآ اِلَيْهِ رٰجِعُوْنَۗ١٥٦
Allażīna iżā aṣābathum muṣībah(tun), qālū innā lillāhi wa innā ilaihi rāji‘ūn(a).
[156] (Nyaéta) jalma-jalma anu waktu ditibanan musibah sok ngucapkeun “Innā lillāhi wa innā ilaihi rāji`ūn” 49 (saenyana abdi sadaya kagungan Allah sareng saenyana ka Mantenna abdi sadaya wangsul).
49) Ieu kalimah dingaranan “kalimah istirjā'” (ujaran nandakeun balik ka Allah). Disunnahkeun ngucapkeunana dina wanci ditimpa musibah, boh gedé boh leutik.

اُولٰۤىِٕكَ عَلَيْهِمْ صَلَوٰتٌ مِّنْ رَّبِّهِمْ وَرَحْمَةٌ ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُهْتَدُوْنَ١٥٧
Ulā'ika ‘alaihim ṣalawātum mir rabbihim wa raḥmah(tun), wa ulā'ika humul-muhtadūn(a).
[157] Aranjeunna pisan anu meunang pangampura jeung rahmat ti Pangéranana. Aranjeunna pisan ogé anu meunang pituduh téh.

۞ اِنَّ الصَّفَا وَالْمَرْوَةَ مِنْ شَعَاۤىِٕرِ اللّٰهِ ۚ فَمَنْ حَجَّ الْبَيْتَ اَوِ اعْتَمَرَ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْهِ اَنْ يَّطَّوَّفَ بِهِمَا ۗ وَمَنْ تَطَوَّعَ خَيْرًاۙ فَاِنَّ اللّٰهَ شَاكِرٌ عَلِيْمٌ١٥٨
Innaṣ-ṣafā wal-marwata min sya‘ā'irillāh(i), faman ḥajjal-baita awi‘tamara falā junāḥa ‘alaihi ay yaṭṭawwafa bihimā, wa man taṭawwa‘a khairan fa innallāha syākirun ‘alīm(un).
[158] Sabenerna Sofa jeung Marwah mangrupakeun sabagian tina syiar (agama) Allah. 50 Mangka, saha baé anu ngalaksanakeun haji ka Baitullah atawa ngalakonan umroh, henteu matak dosa pikeun maranéhna ngalaksanakeun sa’i 51 di antara éta dua tempat. Saha baé ogé kalayan karidoan haté migawé (rupa-rupa) kahadéan, saleresna Allah téh Nu Mahasukur 52 (tur) Mahauninga.
50) Tempat-tempat ibadah ka Allah. 51) Leumpang jeung lulumpatan tujuh kali antara Sofa jeung Marwah waktu ngalaksanakeun ibadah haji atawa umroh. Allah ngungkabkeun kalayan dawuhan “teu aya dosa” sabab sabagian sahabat Nabi ngarasa beurat ngalaksanakeun sa‘i di dinya, sabab éta tempat téh urut tempatna berhala. Ogé dina mangsa Jahiliah éta tempat téh dipaké tempat sa‘i. Pikeun ngaleungitkeun éta rasa beurat, Allah ngalungsurkeun ieu ayat. 52) Allah nyukurkeun ka hamba-hamba-Na, maparin ganjaran kana amal alusna, ngahampura kana kasalahanana, nambahan kana ni’matna, jeung sajabana.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَكْتُمُوْنَ مَآ اَنْزَلْنَا مِنَ الْبَيِّنٰتِ وَالْهُدٰى مِنْۢ بَعْدِ مَا بَيَّنّٰهُ لِلنَّاسِ فِى الْكِتٰبِۙ اُولٰۤىِٕكَ يَلْعَنُهُمُ اللّٰهُ وَيَلْعَنُهُمُ اللّٰعِنُوْنَۙ١٥٩
Innal-lażīna yaktumūna mā anzalnā minal-bayyināti wal-hudā mim ba‘di mā bayyannāhu lin-nāsi fil-kitāb(i), ulā'ika yal‘anuhumullāhu wa yal‘anuhumul-lā‘inūn(a).
[159] Sabenerna jalma-jalma anu nyumputkeun naon anu geus diturunkeun ku Kami (dina Kitab) mangrupa katerangan-katerangan jeung pituduh, sanggeusna Kami nerangkeun kandungan éta kitab ka maranéhna, pasti Allah ngala’nat ka maranéhna. Kitu deui sakabéh anu ngala’nat (nyaéta para malaikat, kaom mu’min, jeung nu lianna).

اِلَّا الَّذِيْنَ تَابُوْا وَاَصْلَحُوْا وَبَيَّنُوْا فَاُولٰۤىِٕكَ اَتُوْبُ عَلَيْهِمْ ۚ وَاَنَا التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ١٦٠
Illal-lażīna tābū wa aṣlaḥū wa bayyanū fa'ulā'ika atūbu ‘alaihim, wa anat-tawwābur-raḥīm(u).
[160] Kajaba jalma-jalma anu tobat, ngoméan lalampahan dirina, jeung nerangkeun (anu disumputkeun). 53 Mangka, pikeun maranéhna Kami bakal narima tobatna, da Kami mah Maha Nampi-tobat (tur) Mahaasih.
53) Hartina ngalakukeun pagawéan-pagawéan alus pikeun ngaleungitkeun akibat-akibat anu goréng lantaran kasalahan-kasalahan anu geus dipigawé, sarta ngajelaskeun bebeneran anu disumputkeun.

اِنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَمَاتُوْا وَهُمْ كُفَّارٌ اُولٰۤىِٕكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللّٰهِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةِ وَالنَّاسِ اَجْمَعِيْنَۙ١٦١
Innal-lażīna kafarū wa mātū wa hum kuffārun ulā'ika ‘alaihim la‘natullāhi wal-malā'ikati wan-nāsi ajma‘īn(a).
[161] Sabenerna jalma-jalma anu kupur jeung paéh dina kaayaan kapir, nya pikeun maranéhna téh la’nat Allah, para malaikat, jeung sakabéh manusa.

خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۚ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُوْنَ١٦٢
Khālidīna fīhā, lā yukhaffafu ‘anhumul-‘ażābu wa lā hum yunẓarūn(a).
[162] Bari maranéhna téh langgeng dina éta (la’nat). Moal diénténgkeun siksaanana jeung maranéhna moal dibéré témpo.

وَاِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌۚ لَآاِلٰهَ اِلَّا هُوَ الرَّحْمٰنُ الرَّحِيْمُ ࣖ١٦٣
Wa ilāhukum ilāhuw wāḥid(un), lā ilāha illā huwar-raḥmānur-raḥīm(u).
[163] Pangéran aranjeun téh Pangéran Nu Mahatunggal. Taya deui Pangéran (anu hak diibadahan) anging Mantenna Nu Mahawelas (tur) Mahaasih.

اِنَّ فِيْ خَلْقِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَاخْتِلَافِ الَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَالْفُلْكِ الَّتِيْ تَجْرِيْ فِى الْبَحْرِ بِمَا يَنْفَعُ النَّاسَ وَمَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ مِنَ السَّمَاۤءِ مِنْ مَّاۤءٍ فَاَحْيَا بِهِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا وَبَثَّ فِيْهَا مِنْ كُلِّ دَاۤبَّةٍ ۖ وَّتَصْرِيْفِ الرِّيٰحِ وَالسَّحَابِ الْمُسَخَّرِ بَيْنَ السَّمَاۤءِ وَالْاَرْضِ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ١٦٤
Inna fī khalqis-samāwāti wal-arḍi wakhtilāfil-laili wan-nahāri wal-fulkil-latī tajrī fil-baḥri bimā yanfa‘un-nāsa wa mā anzalallāhu minas-samā'i mim mā'in fa aḥyā bihil-arḍa ba‘da mautihā wa baṡṡa fīhā min kulli dābbah(tin), wa taṣrīfir-riyāḥi was-saḥābil-musakhkhari bainas-samā'i wal-arḍi la'āyātil liqaumiy ya‘qilūn(a).
[164] Sabenerna dina diciptakeunana langit jeung bumi, silih gentina peuting jeung beurang, parahu-parahu anu lalayaran di lautan kalayan mawa (muatan) anu mangpa’at pikeun manusa, cai hujan anu diturunkeun ku Allah ti langit, anu ku éta cai Mantenna ngahirupkeun bumi anu tadina mah garing tur nyebarkeun dina éta bumi sagala rupa sasatoan, jeung muterna angin, méga anu diatur antara langit jeung bumi, (sakabéhana) tétéla mangrupakeun tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma nu mikir.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّتَّخِذُ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اَنْدَادًا يُّحِبُّوْنَهُمْ كَحُبِّ اللّٰهِ ۗ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَشَدُّ حُبًّا لِّلّٰهِ ۙوَلَوْ يَرَى الَّذِيْنَ ظَلَمُوْٓا اِذْ يَرَوْنَ الْعَذَابَۙ اَنَّ الْقُوَّةَ لِلّٰهِ جَمِيْعًا ۙوَّاَنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعَذَابِ١٦٥
Wa minan-nāsi may yattakhiżu min dūnillāhi andāday yuḥibbūnahum kaḥubbillāh(i), wal-lażīna āmanū asyaddu ḥubbal lillāh(i), wa lau yaral-lażīna ẓalamū iż yaraunal-‘ażāb(a), annal-quwwata lillāhi jamī‘ā(n), wa annallāha syadīdul-‘ażāb(i).
[165] Ti antara manusa aya nu ngajadikeun pirang-pirang sesembahan salian ti Allah. Maranéhna mikacinta kana éta (sesembahan) saperti mikacintana (kaom mu’minin) ka Allah. Padahal jalma-jalma anu iman mah mikacintana ka Allah téh leuwih beurat. Lamun seug jalma-jalma anu dolim 54 téh (nalika di dunya) nyaksian (kajadian) waktu (maranéhna) nénjo siksaan (dina Poé Kiamat), (terus maranéhna sadar) yén sabenerna kakuatan téh sakabéhna ogé kagungan Allah jeung saleresna Allah téh beurat pisan siksaan-Na, (tangtu maranéhna moal ngajadikeun sesembahan salian ti Allah).
54) Jalma anu dolim dina ieu ayat maksudna anu nyembah salian ti Allah. Maksud ieu ayat: Nalika éta jalma anu dolim nempo sesembahanana henteu méré mangpaat saeutik ogé dina Poé Kiamat, maranéhna tangtu ngayakinan yén sakabéh kakuatan téh ngan wungkul kagungan Allah.

اِذْ تَبَرَّاَ الَّذِيْنَ اتُّبِعُوْا مِنَ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْا وَرَاَوُا الْعَذَابَ وَتَقَطَّعَتْ بِهِمُ الْاَسْبَابُ١٦٦
Iż tabarra'al-lażīnattubi‘ū minal-lażīnattaba‘ū wa ra'awul-‘ażāba wa taqaṭṭa‘at bihimul-asbāb(u).
[166] (Nyaéta) waktu jalma-jalma anu dituturkeun lulubaran ti jalma-jalma anu nuturkeunana; (waktu) maranéhna nénjo siksaan; jeung (waktu) tali-tumali (kamanusaan di dunya) pegat ti antara maranéhna.

وَقَالَ الَّذِيْنَ اتَّبَعُوْا لَوْ اَنَّ لَنَا كَرَّةً فَنَتَبَرَّاَ مِنْهُمْ ۗ كَمَا تَبَرَّءُوْا مِنَّا ۗ كَذٰلِكَ يُرِيْهِمُ اللّٰهُ اَعْمَالَهُمْ حَسَرٰتٍ عَلَيْهِمْ ۗ وَمَا هُمْ بِخٰرِجِيْنَ مِنَ النَّارِ ࣖ١٦٧
Wa qālal-lażīnattaba‘ū lau anna lanā karratan fa natabarra'a minhum, kamā tabarra'ū minnā, każālika yurīhimullāhu a‘mālahum ḥasarātin ‘alaihim, wa mā hum bikhārijīna minan-nār(i).
[167] Jalma-jalma anu nuturkeun téh ngomong kieu, “Lamun seug urang meunang kasempatan (balik deui ka alam dunya), tangtu urang ogé bakal lulubaran ti maranéhna, sakumaha maranéhna lulubaran ti urang (dina Poé Kiamat).” Tah kitu pisan Allah mintonkeun ka maranéhna amal-amalna (anu goréng jadi) mangpirang-pirang kanalangsaan pikeun maranéhna. Bari maranéhna pamohalan pisan bisa kaluar tina api naraka.

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ كُلُوْا مِمَّا فِى الْاَرْضِ حَلٰلًا طَيِّبًا ۖوَّلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ١٦٨
Yā ayyuhan-nāsu kulū mimmā fil-arḍi ḥalālan ṭayyibā(n), wa lā tattabi‘ū khuṭuwātisy-syaiṭān(i), innahū lakum ‘aduwwum mubīn(un).
[168] Hé sakabéh manusa, prak geura dahar anu halal tur alus tina naon-naon (anu aya) di bumi, jeung omat ulah nuturkeun tapak lacak sétan. Sabenerna manéhna téh musuh anu nyata pikeun maranéh.

اِنَّمَا يَأْمُرُكُمْ بِالسُّوْۤءِ وَالْفَحْشَاۤءِ وَاَنْ تَقُوْلُوْا عَلَى اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ١٦٩
Innamā ya'murukum bis-sū'i wal-faḥsyā'i wa an taqūlū ‘alallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[169] Sabenerna éta (sétan) ngan maréntah ka maranéh migawé kagoréngan jeung kajahatan tur nyaritakeun naon anu henteu dipikanyaho (bener-salahna) ngeunaan Allah.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمُ اتَّبِعُوْا مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ قَالُوْا بَلْ نَتَّبِعُ مَآ اَلْفَيْنَا عَلَيْهِ اٰبَاۤءَنَا ۗ اَوَلَوْ كَانَ اٰبَاۤؤُهُمْ لَا يَعْقِلُوْنَ شَيْـًٔا وَّلَا يَهْتَدُوْنَ١٧٠
Wa iżā qīla lahumuttabi‘ū mā anzalallāhu qālū bal nattabi‘u mā alfainā ‘alaihi ābā'anā, awalau kāna ābā'uhum lā ya‘qilūna syai'aw wa lā yahtadūn(a).
[170] Lamun seug maranéhna diomongan, “Kudu nurut kana wahyu anu diturunkeun ku Allah,” maranéhna ngajawab, “(Moal!) Kuring saréréa mah ngan nurut kana naon nu kapanggih sok dipilampah ku karuhun-karuhun kuring saréréa baé.” Naha (maranéhna tetep rék nurut) sanajan karuhun-karuhun maranéhna téh teu nyahoeun noan-naon jeung henteu pisan meunang pituduh?

وَمَثَلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا كَمَثَلِ الَّذِيْ يَنْعِقُ بِمَا لَا يَسْمَعُ اِلَّا دُعَاۤءً وَّنِدَاۤءً ۗ صُمٌّ ۢ بُكْمٌ عُمْيٌ فَهُمْ لَا يَعْقِلُوْنَ١٧١
Wa maṡalul-lażīna kafarū kamaṡalil-lażī yan‘iqu bimā lā yasma‘u illā du‘ā'aw wa nidā'ā(n), ṣummum bukmun ‘umyun fahum lā ya‘qilūn(a).
[171] Ari paupamaan pikeun (jalma anu nyalukan) jalma-jalma kapir téh lir ibarat (tukang angon) anu nyalukan (sato) ku basa anu teu pikahartieun, ngan saukur ngadéngé geroan jeung calukan wungkul. Maranéhna (jalma kapir) téh nya torék, nya pireu, nya lolong deui. Kumaha baé ogé maranéhna mah tetep moal ngartieun.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُلُوْا مِنْ طَيِّبٰتِ مَا رَزَقْنٰكُمْ وَاشْكُرُوْا لِلّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ اِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ١٧٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kulū min ṭayyibāti mā razaqnākum wasykurū lillāhi in kuntum iyyāhu ta‘budūn(a).
[172] Hé sakabéh jalma anu iman, pék geura dahar ku aranjeun (dahareun) anu alus tina rejeki anu ku Kami geus dipaparinkeun ka aranjeun! Kudu sukuran ogé ka Allah lamun aranjeun ibadah ngan wungkul ka Mantenna.

اِنَّمَا حَرَّمَ عَلَيْكُمُ الْمَيْتَةَ وَالدَّمَ وَلَحْمَ الْخِنْزِيْرِ وَمَآ اُهِلَّ بِهٖ لِغَيْرِ اللّٰهِ ۚ فَمَنِ اضْطُرَّ غَيْرَ بَاغٍ وَّلَا عَادٍ فَلَآ اِثْمَ عَلَيْهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٧٣
Innamā ḥarrama ‘alaikumul-maitata wad-dama wa laḥmal-khinzīri wa mā uhilla bihī ligairillāh(i), fa maniḍṭurra gaira bāgiw wa lā ‘ādin falā iṡma ‘alaih(i), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[173] Saleresna Mantenna (Allah) ngan haramkeun ka maranéh (mangrupa) bangké, getih, daging babi, jeung (daging) sato anu dipeuncit bari (nyebut jenengan) salian ti Allah. Tapi saha baé anu kapaksa (ngadaharna) lain karana mikahayang jeung henteu ogé ngaliwatan wates, mangka henteu jadi dosa ka manéhna. Saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

اِنَّ الَّذِيْنَ يَكْتُمُوْنَ مَآ اَنْزَلَ اللّٰهُ مِنَ الْكِتٰبِ وَيَشْتَرُوْنَ بِهٖ ثَمَنًا قَلِيْلًاۙ اُولٰۤىِٕكَ مَا يَأْكُلُوْنَ فِيْ بُطُوْنِهِمْ اِلَّا النَّارَ وَلَا يُكَلِّمُهُمُ اللّٰهُ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وَلَا يُزَكِّيْهِمْ ۚوَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٧٤
Innal-lażīna yaktumūna mā anzalallāhu minal-kitābi wa yasytarūna bihī ṡamanan qalīlā(n), ulā'ika mā ya'kulūna fī buṭūnihim illan-nāra wa lā yukallimuhumullāhu yaumal-qiyāmati wa lā yuzakkīhim, wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[174] Sabenerna jalma-jalma anu nyumputkeun naon anu diturunkeun ku Allah, nyaéta (kandungan) Kitab, sarta ngajual éta kandungan ku pangaji nu saeutik, nya maranéhna téh ngan ngadahar seuneu naraka dina (ngeusian) beuteung-beuteungna. 55 Dina Poé Kiamat Allah moal maliré ka maranéhna jeung moal ngabersihkeun maranéhna (tina dosa-dosana). Malah pikeun maranéhna téh disayagikeun siksaan anu kacida nyerina.
55) Barang anu didahar asalna tina meunang ngajual ayat-ayat anu diturunkeun ku Allah. Éta téh nyebabkeun maranéhna asup naraka.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اشْتَرَوُا الضَّلٰلَةَ بِالْهُدٰى وَالْعَذَابَ بِالْمَغْفِرَةِ ۚ فَمَآ اَصْبَرَهُمْ عَلَى النَّارِ١٧٥
Ulā'ikal-lażīnasytarawuḍ-ḍalālata bil-hudā wal-‘ażāba bil-magfirah(ti), famā aṣbarahum ‘alan-nār(i).
[175] Nya maranéhna pisan jalma-jalma anu meuli kasasaran ku pituduh, jeung (meuli) siksaan ku pangampura. Na aya ku wani-wani teuing maranéhna nangtang siksaan naraka téh!

ذٰلِكَ بِاَنَّ اللّٰهَ نَزَّلَ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ ۗ وَاِنَّ الَّذِيْنَ اخْتَلَفُوْا فِى الْكِتٰبِ لَفِيْ شِقَاقٍۢ بَعِيْدٍ ࣖ١٧٦
Żālika bi'annallāha nazzalal-kitāba bil-ḥaqq(i), wa innal-lażīnakhtalafū fil-kitābi lafī syiqāqim ba‘īd(in).
[176] Kitu téh lantaran sabenerna Allah geus nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) kalayan ḥaq (bener jeung mawa pituduh); jeung lantaran sabenerna jalma-jalma anu pasalia paham ngeunaan (bebeneran) éta Kitab aya dina pasalia paham anu jauh (tina bebeneran).

۞ لَيْسَ الْبِرَّاَنْ تُوَلُّوْا وُجُوْهَكُمْ قِبَلَ الْمَشْرِقِ وَالْمَغْرِبِ وَلٰكِنَّ الْبِرَّ مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةِ وَالْكِتٰبِ وَالنَّبِيّٖنَ ۚ وَاٰتَى الْمَالَ عَلٰى حُبِّهٖ ذَوِى الْقُرْبٰى وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنَ وَابْنَ السَّبِيْلِۙ وَالسَّاۤىِٕلِيْنَ وَفِى الرِّقَابِۚ وَاَقَامَ الصَّلٰوةَ وَاٰتَى الزَّكٰوةَ ۚ وَالْمُوْفُوْنَ بِعَهْدِهِمْ اِذَا عَاهَدُوْا ۚ وَالصّٰبِرِيْنَ فِى الْبَأْسَاۤءِ وَالضَّرَّاۤءِ وَحِيْنَ الْبَأْسِۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ صَدَقُوْا ۗوَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْمُتَّقُوْنَ١٧٧
Laisal-birra an tuwallū wujūhakum qibalal-masyriqi wal-magribi wa lākinnal-birra man āmana billāhi wal-yaumil ākhiri wal-malā'ikati wal-kitābi wan-nabiyyīn(a), wa ātal-māla ‘alā ḥubbihī żawil-qurbā wal-yatāmā wal-masākīna wabnas-sabīl(i), was-sā'ilīna wa fir-riqāb(i), wa aqāmaṣ-ṣalāta wa ātaz-zakāh(ta), wal mūfūna bi‘ahdihim iżā ‘āhadū, waṣ-ṣābirīna fil-ba'sā'i waḍ-ḍarrā'i wa ḥīnal-ba's(i), ulā'ikal-lażīna ṣadaqū, wa ulā'ika humul-muttaqūn(a).
[177] Kahadéan téh lain ngan saukur madepkeun beungeut aranjeun ka beulah wétan jeung ka kulon, tapi kahadéan téh nyaéta (kahadéan) jalma anu iman ka Allah, kana Poé Ahir, ka para malaikat, kana kitab, jeung ka para nabi, sarta ngainpakkeun harta anu dipikacintana ka kulawargana anu dareukeut, ka budak yatim, ka nu miskin, ka ibnu sabil (musapir), ka anu ménta-ménta, jeung ka abid-abid (anu ngamerdikakeun dirina); jeung (kahadéan jalma) anu ngadegkeun salat, anu mayar jakat, anu nohonan jangji lamun kungsi jangji, serta anu sabar dina mangsa kasangsaraan, dina mangsa kasakit, jeung dina mangsa peperangan. Nya aranjeunna pisan jalma-jalma anu bener téh. Aranjeunna ogé jalma-jalma anu takwa téh.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الْقِصَاصُ فِى الْقَتْلٰىۗ اَلْحُرُّ بِالْحُرِّ وَالْعَبْدُ بِالْعَبْدِ وَالْاُنْثٰى بِالْاُنْثٰىۗ فَمَنْ عُفِيَ لَهٗ مِنْ اَخِيْهِ شَيْءٌ فَاتِّبَاعٌ ۢبِالْمَعْرُوْفِ وَاَدَاۤءٌ اِلَيْهِ بِاِحْسَانٍ ۗ ذٰلِكَ تَخْفِيْفٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَرَحْمَةٌ ۗفَمَنِ اعْتَدٰى بَعْدَ ذٰلِكَ فَلَهٗ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٧٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kutiba ‘alaikumul-qiṣāṣu fil-qatlā, al-ḥurru bil-ḥurri wal-‘abdu bil-‘abdi wal-unṡā bil-unṡā, faman ‘ufiya lahū min akhīhi syai'un fattibā‘um bil-ma‘rūfi wa adā'un ilaihi bi iḥsān(in), żālika takhfīfum mir rabbikum wa raḥmah(tun), fa mani‘tadā ba‘da żālika fa lahū ‘ażābun alīm(un).
[178] Hé jalma-jalma anu iman, diwajibkeun ka aranjeun (ngalaksanakeun) qisos 56 dina perkara jalma-jalma anu dipaéhan. (Nyaéta) nu merdika (diqisos) lantaran (maéhan) nu merdika, abid (diqisos) lantaran (maéhan) abid, awéwé (diqisos) lantaran (maéhan) awéwé. (Tapi,) saha baé jalma anu meunang pangampura ti (sabagian) dulur anu dipaéhan, kudu diturutkeun kalayan hadé jeung (anu meunang pangampura téh) kudu mayar (diyat) ka jalma anu méré pangampura téa ku cara anu hadé ogé. Tah éta téh hiji kaénténgan jeung hiji rahmat ti Pangéran aranjeun. Tapi saha baé anu ngaliwatan wates sanggeusna kitu, manéhna bakal katibanan siksaan anu kacida nyerina.
56) Qisos téh nyaéta hukuman anu sapadan jeung kajahatan anu dipigawé.

وَلَكُمْ فِى الْقِصَاصِ حَيٰوةٌ يّٰٓاُولِى الْاَلْبَابِ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ١٧٩
Wa lakum fil-qiṣāṣi ḥayātuy yā ulil-albābi la‘allakum tattaqūn(a).
[179] Dina (ngalaksanakeun hukum) qisos téh aya (jaminan hak) hirup pikeun aranjeun, hé jalma-jalma anu boga akal séhat, sangkan aranjeun takwa.

كُتِبَ عَلَيْكُمْ اِذَا حَضَرَ اَحَدَكُمُ الْمَوْتُ اِنْ تَرَكَ خَيْرًا ۖ ۨالْوَصِيَّةُ لِلْوَالِدَيْنِ وَالْاَقْرَبِيْنَ بِالْمَعْرُوْفِۚ حَقًّا عَلَى الْمُتَّقِيْنَ ۗ١٨٠
Kutiba ‘alaikum iżā ḥaḍara aḥadakumul-mautu in taraka kahirā(n), al-waṣiyyatu lil-wālidaini wal-aqrabīna bil-ma‘rūf(i), ḥaqqan ‘alal-muttaqīn(a).
[180] Diwajibkeun ka aranjeun, lamun salah saurang ti antara aranjeun rék maot jeung manéhna ninggalkeun harta banda, wasiat ka indung-bapa jeung ka kulawarga anu dareukeut ku cara anu hadé, 57 (minangka) kawajiban pikeun jalma-jalma anu takwa.
57) Wasiat teu meunang ngaleuwihan sapertilu harta jalma anu méré wasiat. Ieu ayat, hususna pikeun ahli waris, di-nasakh (digantian hukumna) ku ayat ngeunaan waris (an-Nisā’/4:11).

فَمَنْۢ بَدَّلَهٗ بَعْدَمَا سَمِعَهٗ فَاِنَّمَآ اِثْمُهٗ عَلَى الَّذِيْنَ يُبَدِّلُوْنَهٗ ۗ اِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ ۗ١٨١
Famam baddalahū ba‘da mā sami‘ahū fa innamā iṡmuhū ‘alal-lażīna yubaddilūnah(ū), innallāha samī‘un ‘alīm(un).
[181] Saha baé anu ngarobah éta (wasiat) sanggeusna manéhna ngadéngé, mangka sabenerna dosana pikeun jalma anu ngarobahna wungkul. Saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

فَمَنْ خَافَ مِنْ مُّوْصٍ جَنَفًا اَوْ اِثْمًا فَاَصْلَحَ بَيْنَهُمْ فَلَآ اِثْمَ عَلَيْهِ ۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١٨٢
Faman khāfa mim mūṣin janafan au iṡman fa aṣlaḥa bainahum falā iṡma ‘alaih(i), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[182] Tapi saha baé anu hariwang yén anu méré wasiat beurat sabeulah atawa milampah kasalahan (ngeunaan eusi wasiat), tuluy ngarukunkeun antara anu méré wasiat jeung ahli warisna, 58 mangka henteu dosa pikeun manéhna. Saleresna Allah mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
58) Maksud ngarukunkeun di dieu nyaéta nitah jalma anu méré wasiat adil dina wasiatna luyu jeung katangtuan agama. Kaasup kana maksud ieu ayat nyaéta ngarobah eusi wasiat lamun ngarempak kana katangtuan.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ١٨٣
Yā ayyuhal-lażīna āmanū kutiba ‘alaikumuṣ-ṣiyāmu kamā kutiba ‘alal-lażīna min qablikum la‘allakum tattaqūn(a).
[183] Hé jalma-jalma anu iman, diwajibkeun pikeun aranjeun puasa sakumaha geus diwajibkeun ka jalma-jalma saméméh aranjeun sangkan aranjeun takwa.

اَيَّامًا مَّعْدُوْدٰتٍۗ فَمَنْ كَانَ مِنْكُمْ مَّرِيْضًا اَوْ عَلٰى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ اَيَّامٍ اُخَرَ ۗوَعَلَى الَّذِيْنَ يُطِيْقُوْنَهٗ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِيْنٍۗ فَمَنْ تَطَوَّعَ خَيْرًا فَهُوَ خَيْرٌ لَّهٗ ۗوَاَنْ تَصُوْمُوْا خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ١٨٤
Ayyāmam ma‘dūdāt(in), faman kāna minkum marīḍan au ‘alā safarin fa ‘iddatum min ayyāmin ukhar(a), wa ‘alal-lażīna yuṭīqūnahū fidyatun ṭa‘āmu miskīn(in), faman taṭawwa‘a khairan fahuwa khairul lah(ū), wa an taṣūmū khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[184] (Nyaéta) sababaraha poé anu ditangtukeun. Saha baé ti antara aranjeun anu gering atawa nyanyabaan (tuluy teu puasa), atuh (wajib ngaganti) sajumlah poé (anu ditinggalkeun téa) dina poé séjénna. Jalma anu ngarasa ripuh ngajalankeun puasa 59 wajib mayar pidyah (nyaéta) méré dahareun ka saurang jalma miskin. Saha baé kalayan karélaan haté migawé kahadéan (ngaleuwihan tina anu geus ditangtukeun), 60 éta téh leuwih hadé pikeun manéhna. Tapi, ngalakonan puasa téh leuwih hadé pikeun aranjeun lamun seug nyaho mah.
59) Nyaéta jalma anu gering parna, jalma anu kolot pisan, tur jalma anu keur kakandungan atawa nyusuan budak. 60) Méré dahareun ka leuwih ti saurang jalma miskin keur sahiji poé.

شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيْٓ اُنْزِلَ فِيْهِ الْقُرْاٰنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنٰتٍ مِّنَ الْهُدٰى وَالْفُرْقَانِۚ فَمَنْ شَهِدَ مِنْكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ ۗوَمَنْ كَانَ مَرِيْضًا اَوْ عَلٰى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ اَيَّامٍ اُخَرَ ۗيُرِيْدُ اللّٰهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلَا يُرِيْدُ بِكُمُ الْعُسْرَ ۖوَلِتُكْمِلُوا الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُوا اللّٰهَ عَلٰى مَا هَدٰىكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ١٨٥
Syahru ramaḍānal-lażī unzila fīhil-qur'ānu hudal lin-nāsi wa bayyinātim minal-hudā wal-furqān(i), faman syahida minkumusy-syahra falyaṣumh(u) wa man kāna marīḍan au ‘alā safarin fa ‘iddatum min ayyāmin ukhar(a), yurīdullāhu bikumul-yusra wa lā yurīdu bikumul-‘usr(a), wa litukmilul-‘iddata wa litukabbirullāha ‘alā mā hadākum wa la‘allakum tasykurūn(a).
[185] Romadon téh (bulan) anu di dinya Al-Qur’an diturunkeun, minangka pituduh pikeun manusa jeung katerangan-katerangan anu jelas ngeunaan (ayat-ayat) pituduh jeung (ayat-ayat) anu ngabédakeun (antara anu bener jeung anu salah). Saha baé ti antara aranjeun anu aya dina éta bulan, mangka manéhna wajib puasa, (tapi) saha baé anu gering atawa keur nyanyabaan (tuluy teu puasa), mangka (wajib ngaganti puasana) sajumlah poé anu ditinggalkeunana dina poé-poé anu sejénna. Allah miharep kalonggaran pikeun aranjeun, jeung henteu miharep kasusah pikeun aranjeun. (Allah ogé miharep) aranjeun nyampurnakeun wilangan (puasa) jeung ngagungkeun Allah anu maparin pituduh ka aranjeun, sangkan aranjeun sukuran (kana ni’mat-ni’mat-Na).

وَاِذَا سَاَلَكَ عِبَادِيْ عَنِّيْ فَاِنِّيْ قَرِيْبٌ ۗ اُجِيْبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ اِذَا دَعَانِۙ فَلْيَسْتَجِيْبُوْا لِيْ وَلْيُؤْمِنُوْا بِيْ لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُوْنَ١٨٦
Wa iżā sa'alaka ‘ibādī ‘annī fa innī qarīb(un), ujību da‘watad-dā‘i iżā da‘ān(i), falyastajībū lī walyu'minū bī la‘allahum yarsyudūn(a).
[186] Lamun aya hamba-hamba Kami nanyakeun ka hidep (Muhammad) ngeunaan Kami, (béjakeun ku hidep) yén sabenerna Kami téh deukeut. Kami ngabulkeun kana paménta jalma anu ngadoa lamun ngadoa ka Kami. Ku sabab kitu, atuh maranéhna kudu nedunan (paréntah) Kami jeung kudu iman ka Kami sangkan meunang pituduh.

اُحِلَّ لَكُمْ لَيْلَةَ الصِّيَامِ الرَّفَثُ اِلٰى نِسَاۤىِٕكُمْ ۗ هُنَّ لِبَاسٌ لَّكُمْ وَاَنْتُمْ لِبَاسٌ لَّهُنَّ ۗ عَلِمَ اللّٰهُ اَنَّكُمْ كُنْتُمْ تَخْتَانُوْنَ اَنْفُسَكُمْ فَتَابَ عَلَيْكُمْ وَعَفَا عَنْكُمْ ۚ فَالْـٰٔنَ بَاشِرُوْهُنَّ وَابْتَغُوْا مَا كَتَبَ اللّٰهُ لَكُمْ ۗ وَكُلُوْا وَاشْرَبُوْا حَتّٰى يَتَبَيَّنَ لَكُمُ الْخَيْطُ الْاَبْيَضُ مِنَ الْخَيْطِ الْاَسْوَدِ مِنَ الْفَجْرِۖ ثُمَّ اَتِمُّوا الصِّيَامَ اِلَى الَّيْلِۚ وَلَا تُبَاشِرُوْهُنَّ وَاَنْتُمْ عٰكِفُوْنَۙ فِى الْمَسٰجِدِ ۗ تِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ فَلَا تَقْرَبُوْهَاۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ اٰيٰتِهٖ لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَّقُوْنَ١٨٧
Uḥilla lakum lailataṣ-ṣiyāmir-rafaṡu ilā nisā'ikum, hunna libāsul lakum wa antum libāsul lahunn(a), ‘alimallāhu annakum kuntum takhtānūna anfusakum fatāba ‘alaikum wa ‘afā ‘ankum, fal-āna bāsyirūhunna wabtagū mā kataballāhu lakum, wa kulū wasyrabū ḥattā yatabayyana lakumul-khaiṭul-abyaḍu minal-khaiṭil-aswadi minal-fajr(i), ṡumma atimmuṣ-ṣiyāma ilal-lail(i), wa lā tubāsyirūhunna wa antum ‘ākifūna fil-masājid(i) tilka ḥudūdullāhi falā taqrabūhā, każālika yubayyinullāhu āyātihī lin-nāsi la‘allahum yattaqūn(a).
[187] Dihalalkeun ka aranjeun campur jeung pamajikan-pamajikan aranjeun dina peutingna bulan puasa. Maranéhna téh pakéan pikeun aranjeun, nya kitu deui aranjeun ogé pakéan pikeun maranéhna. Allah uningaeun yén aranjeun téh henteu kuat nahan napsu aranjeun (ka pamajikan-pamajikan aranjeun), tapi Allah nampi tobat ti aranjeun jeung maparin pangapunten ka aranjeun. Tah ayeuna mah pék baé geura campur jeung maranéhna, jeung pék geura téangan naon nu geus ditetepkeun ku Allah pikeun aranjeun. 61 Pék barang dahar jeung nginum tepi ka jelas pikeun aranjeun (bédana) benang bodas tina benang hideung, nyaéta (bijilna) pajar. Ti dinya, terus sampurnakeun puasana nepi ka (datangna) peuting, (tapi) omat ulah rék campur jeung maranéhna lamun aranjeun keur itikaf 62 di masjid. Éta téh katangtuan Allah, omat pisan aranjeun ulah rék ngadeukeutan. Tah kitu Allah ngajelaskeun ayat-ayat-Na ka manusa sangkan maranéhna takwa.
61) Maksudna: Dihalalkeunana pasatemon dina peutingna bulan Romadon. Maksud “naon nu geus ditetepkeun ku Allah” nyaéta katurunan anu geus ditangtukeun ku Allah. 62) I`tikap nyaéta aya di masjid kalayan niat ibadah sarta ngadeukeutkeun diri ka Allah.

وَلَا تَأْكُلُوْٓا اَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُمْ بِالْبَاطِلِ وَتُدْلُوْا بِهَآ اِلَى الْحُكَّامِ لِتَأْكُلُوْا فَرِيْقًا مِّنْ اَمْوَالِ النَّاسِ بِالْاِثْمِ وَاَنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ ࣖ١٨٨
Wa lā ta'kulū amwālakum bainakum bil-bāṭili wa tudlū bihā ilal-ḥukkāmi lita'kulū farīqam min amwālin-nāsi bil-iṡmi wa antum ta‘lamūn(a).
[188] Omat aranjeun ulah rék ngadahar harta banda ti antara aranjeun ku cara nu batil, jeung (ulah ogé) aranjeun nyogok ku éta harta ka hakim-hakim kalayan maksud sangkan aranjeun bisa ngadahar sabagian harta batur ku jalan dosa, padahal aranjeun téh nyaho (yén kalakuan kitu téh salah).

۞ يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْاَهِلَّةِ ۗ قُلْ هِيَ مَوَاقِيْتُ لِلنَّاسِ وَالْحَجِّ ۗ وَلَيْسَ الْبِرُّ بِاَنْ تَأْتُوا الْبُيُوْتَ مِنْ ظُهُوْرِهَا وَلٰكِنَّ الْبِرَّ مَنِ اتَّقٰىۚ وَأْتُوا الْبُيُوْتَ مِنْ اَبْوَابِهَا ۖ وَاتَّقُوا اللّٰهَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ١٨٩
Yas'alūnaka ‘anil-ahillah(ti), qul hiya mawāqītu lin-nāsi wal-ḥajj(i), wa laisal-birru bi'an ta'tul-buyūta min ẓuhūrihā wa lākinnal-birra manittaqā, wa'tul-buyūta min abwābihā, wattaqullāha la‘allakum tufliḥūn(a).
[189] Aranjeunna (para sahabat) nanya ka hidep (Muhammad) tina perkara bulan sabit. Terangkeun ku hidep, “Éta téh (tuduh) wanci pikeun manusa jeung (tuduh wanci ibadah) haji.” Kahadéan téh lain ku pédah abus ka imah ti tukangna, 63 tapi kahadéan téh nyaéta (kahadéan) jalma anu takwa. Pék asupan imah tina lawang-lawangna. Kudu takwa ka Allah sangkan aranjeun untung.
63) Dina mangsa jahiliah, jalma anu keur ihrom dina waktu haji asup ka imahna tina luhurna, lain tina pantona. Kabiasaan ieu ditaroskeun ku para sahabat ka Rasulullah Saw. Ku kituna, mangka turun ieu ayat.

وَقَاتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ الَّذِيْنَ يُقَاتِلُوْنَكُمْ وَلَا تَعْتَدُوْا ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْمُعْتَدِيْنَ١٩٠
Wa qātilū fī sabīlillāhil-lażīna yuqātilūnakum wa lā ta‘tadū, innallāha lā yuḥibbul-mu‘tadīn(a).
[190] Prung geura perangan dina jalan Allah jalma-jalma anu merangan ka aranjeun, tapi omat ulah ngaleuwihan wates. Saleresna Allah teu resepeun ka jalma-jalma anu sok ngaleuwihan wates.

وَاقْتُلُوْهُمْ حَيْثُ ثَقِفْتُمُوْهُمْ وَاَخْرِجُوْهُمْ مِّنْ حَيْثُ اَخْرَجُوْكُمْ وَالْفِتْنَةُ اَشَدُّ مِنَ الْقَتْلِ ۚ وَلَا تُقٰتِلُوْهُمْ عِنْدَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ حَتّٰى يُقٰتِلُوْكُمْ فِيْهِۚ فَاِنْ قٰتَلُوْكُمْ فَاقْتُلُوْهُمْۗ كَذٰلِكَ جَزَاۤءُ الْكٰفِرِيْنَ١٩١
Waqtulūhum ḥaiṡu ṡaqiftumūhum wa akhrijūhum min ḥaiṡu akhrajūkum wal-fitnatu asyaddu minal-qatl(i), wa lā tuqātilūhum ‘indal-masjidil-ḥarāmi ḥattā yuqātilūkum fīh(i), fa'in qātalūkum faqtulūhum, każālika jazā'ul-kāfirīn(a).
[191] Pék paéhan maranéhna di mana baé kapanggihna ku aranjeun. Usir maranéhna ti mana baé maranéhna kungsi ngusir ka aranjeun. Ari pitnah 64 téh leuwih kejem tibatan maéhan. Omat ulah merangan maranéhna dina (sabudeureun) Masjidil Haram, kajaba marahnéhna merangan aranjeun di dinya. Lamun marahnéhna merangan aranjeun (di dinya), mangka prung baé perangan. Tah saperti kitu wawales pikeun jalma-jalma kapir.
64) Pitnah (ngabalukarkeun bancang pakéwuh) saperti ngusir dulur ti lemburna, ngajabel harta, sarta nganyenyeri atawa ngaganggu kabébasan hiji jalma dina ngajalankeun agamana.

فَاِنِ انْتَهَوْا فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٩٢
Fa'inintahau fa'innallāha gafūrur raḥīm(un).
[192] Tapi lamun maranéhna eureun (tina kakapiran jeung ngamusuhan aranjeun), saleresna mah Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَقٰتِلُوْهُمْ حَتّٰى لَا تَكُوْنَ فِتْنَةٌ وَّيَكُوْنَ الدِّيْنُ لِلّٰهِ ۗ فَاِنِ انْتَهَوْا فَلَا عُدْوَانَ اِلَّا عَلَى الظّٰلِمِيْنَ١٩٣
Wa qātilūhum ḥattā lā takūna fitnatuw wa yakūnad-dīnu lillāh(i), fa inintahau falā ‘udwāna illā ‘alaẓ-ẓālimīn(a).
[193] Prung geura perangan maranéhna tepi ka taya deui pitnah jeung (tepi ka) ibadah téh wungkul ka Allah. Lamun maranéhna geus eureun (tina kakapiran jeung ngamusuhan aranjeun), nya taya (deui) mumusuhan kajaba jeung jalma-jalma anu dolim.

اَلشَّهْرُ الْحَرَامُ بِالشَّهْرِ الْحَرَامِ وَالْحُرُمٰتُ قِصَاصٌۗ فَمَنِ اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ فَاعْتَدُوْا عَلَيْهِ بِمِثْلِ مَا اعْتَدٰى عَلَيْكُمْ ۖ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ مَعَ الْمُتَّقِيْنَ١٩٤
Asy-syahrul-ḥarāmu bisy-syahril-ḥarāmi wal-ḥurumātu qiṣāṣ(un), famani‘tadā ‘alaikum fa‘tadū ‘alaihi bimiṡli ma‘tadā ‘alaikum, wattaqullāha wa‘lamū annallāha ma‘al-muttaqīn(a).
[194] Bulan haram kalayan bulan haram deui. 65 Pikeun naon-naon anu kudu dihormatan (lamun dirempak) keuna (katangtuan) qisos. 66 Ku sabab éta, saha baé anu nyerang ka aranjeun, atuh bales deui baé ku nu saimbang jeung seranganana ka aranjeun. Sing takwa aranjeun ka Allah jeung sing nyaho sabenerna Allah téh nyarengan ka jalma-jalma anu takwa.
65) Lamun umat Islam diserang dina bulan haram, anu sabenerna di éta bulan téh teu meunang perang, mangka meunang males éta serangan dina éta bulan ogé. 66) Maksud antara lain nyaéta bulan haram (Julkaidah, Julhijah, Muharam, sarta Rajab), tanah haram (Mekah), jeung ihrom.

وَاَنْفِقُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَلَا تُلْقُوْا بِاَيْدِيْكُمْ اِلَى التَّهْلُكَةِ ۛ وَاَحْسِنُوْا ۛ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ الْمُحْسِنِيْنَ١٩٥
Wa anfiqū fī sabīlillāhi wa lā tulqū bi'aidīkum ilat-tahlukah(ti), wa aḥsinū, innallāha yuḥibbul-muḥsinīn(a).
[195] Geura inpakkeun (harta aranjeun) dina jalan Allah, omat ulah ngunclungkeun (diri aranjeun) kana karuksakan ku lampah paripolah sorangan, jeung kudu migawé kahadéan. Saleresna Allah téh mikaresep ka jalma-jalma anu migawé kahadéan.

وَاَتِمُّوا الْحَجَّ وَالْعُمْرَةَ لِلّٰهِ ۗ فَاِنْ اُحْصِرْتُمْ فَمَا اسْتَيْسَرَ مِنَ الْهَدْيِۚ وَلَا تَحْلِقُوْا رُءُوْسَكُمْ حَتّٰى يَبْلُغَ الْهَدْيُ مَحِلَّهٗ ۗ فَمَنْ كَانَ مِنْكُمْ مَّرِيْضًا اَوْ بِهٖٓ اَذًى مِّنْ رَّأْسِهٖ فَفِدْيَةٌ مِّنْ صِيَامٍ اَوْ صَدَقَةٍ اَوْ نُسُكٍ ۚ فَاِذَآ اَمِنْتُمْ ۗ فَمَنْ تَمَتَّعَ بِالْعُمْرَةِ اِلَى الْحَجِّ فَمَا اسْتَيْسَرَ مِنَ الْهَدْيِۚ فَمَنْ لَّمْ يَجِدْ فَصِيَامُ ثَلٰثَةِ اَيَّامٍ فِى الْحَجِّ وَسَبْعَةٍ اِذَا رَجَعْتُمْ ۗ تِلْكَ عَشَرَةٌ كَامِلَةٌ ۗذٰلِكَ لِمَنْ لَّمْ يَكُنْ اَهْلُهٗ حَاضِرِى الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ ۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ ࣖ١٩٦
Wa atimmul-ḥajja wal-‘umrata lillāh(i), fa'in uḥṣirtum famastaisara minal-hady(i), wa lā taḥliqū ru'ūsakum ḥattā yablugal-hadyu maḥillah(ū), faman kāna minkum marīḍan au bihī ażam mir ra'sihī fafidyatum min ṣiyāmin au ṣadaqatin au nusuk(in), fa'iżā amintum, faman tamatta‘a bil-‘umrati ilal-ḥajji famastaisara minal-hady(i), famal lam yajid faṣiyāmu ṡalāṡati ayyāmin fil-ḥajji wa sab‘atin iżā raja‘tum, tilka ‘asyaratun kāmilah(tun), żālika limal lam yakun ahluhū ḥāḍiril-masjidil-ḥarām(i), wattaqullāha wa‘lamū annallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[196] Prak geura sampurnakeun ibadah haji jeung umroh karana Allah. Lamun aranjeun kakepung (ku musuh nepi ka teu bisa nyampurnakeunana), mangka (peuncit baé) hadyu 67 anu gampang (dibeuli), (tapi) aranjeun ulah waka dicukur saméméh hadyu tepi ka tempat pemeuncitanana. Lamun ti antara aranjeun aya anu gering atawa aya kasakit dina sirahna (terus manéhna motong rambut), wajib pikeun manéhna mayar pidyah, nyaéta ku puasa atawa ku sidekah atawa ku (meuncit) korban. Lamun aranjeun dina kaayaan aman, mangka ka saha baé anu ngalakonan umroh saméméh haji, manéhna (wajib meuncit) hadyu anu gampang (dibeuli). Tapi, lamun teu manggih (hadyu peunciteun atawa henteu sanggup), manéhna (wajib) puasa tilu poé dina (usum) haji jeung tujuh (poé) deui engké di mana geus mulang. Éta téh sapuluh (poé) anu sampurna. Éta katangtuan téh (nyaéta kawajiban mayar pidyah) pikeun jalma-jalma anu kulawargana taya di (sabudereun) Masjidil Haram. Kudu takwa aranjeun ka Allah sarta sing nyaho sabenerna Allah téh rongkah pisan balesana-Na.
67) Hadyu nyaéta sato anu dipeuncit minangka gantina (dam) pagawéan wajib haji anu ditinggalkan; atawa minangka denda sabab ngarempak perkara-perkara anu dicegah migawéna di jero ngalaksanakeun ibadah haji.

اَلْحَجُّ اَشْهُرٌ مَّعْلُوْمٰتٌ ۚ فَمَنْ فَرَضَ فِيْهِنَّ الْحَجَّ فَلَا رَفَثَ وَلَا فُسُوْقَ وَلَا جِدَالَ فِى الْحَجِّ ۗ وَمَا تَفْعَلُوْا مِنْ خَيْرٍ يَّعْلَمْهُ اللّٰهُ ۗ وَتَزَوَّدُوْا فَاِنَّ خَيْرَ الزَّادِ التَّقْوٰىۖ وَاتَّقُوْنِ يٰٓاُولِى الْاَلْبَابِ١٩٧
Al-ḥajju asyhurum ma‘lūmāt(un), faman faraḍa fīhinnal-ḥajja falā rafaṡa wa lā fusūqa wa lā jidāla fil-ḥajj(i), wa mā taf‘alū min khairiy ya‘lamhullāh(u), wa tazawwadū fa'inna khairaz-zādit-taqwā, wattaqūni yā ulil-albāb(i).
[197] (Usum ibadah) haji téh (dina) sababaraha bulan anu geus dima’lum. 68 Saha baé anu ngalaksanakeun haji dina (bulan-bulan) éta, mangka teu meunang ngomong jorok (rapaṡ), 69 migawé ma’siat, jeung papaséaan sabot (ngalakonan ibadah) haji. Kahadéan naon baé anu ku aranjeun dipigawé, tangtu kauninga ku Allah. Geura prak bebekelan, sabenerna ari bekel anu panghadé-hadéna téh nyaéta takwa. Atuh kudu takwa aranjeun ka Kami, hé jalma-jalma nu boga akal séhat!
68) Nyaéta bulan Syawal, Julkaidah, jeung Julhijah. 69) Jorok (rafaṡ) hartina ngaluarkan omongan anu nimbulkeun birahi, ngalakukan pagawéan anu teu pantes, atawa ngalakukeun hubungan séksual.

لَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ اَنْ تَبْتَغُوْا فَضْلًا مِّنْ رَّبِّكُمْ ۗ فَاِذَآ اَفَضْتُمْ مِّنْ عَرَفٰتٍ فَاذْكُرُوا اللّٰهَ عِنْدَ الْمَشْعَرِ الْحَرَامِ ۖ وَاذْكُرُوْهُ كَمَا هَدٰىكُمْ ۚ وَاِنْ كُنْتُمْ مِّنْ قَبْلِهٖ لَمِنَ الضَّاۤلِّيْنَ١٩٨
Laisa ‘alaikum junāḥun an tabtagū faḍlam mir rabbikum, fa'iżā afaḍtum min ‘arafātin fażkurullāha ‘indal-masy‘aril-ḥarām(i), ważkurūhu kamā hadākum, wa in kuntum min qablihī laminaḍ-ḍāllīn(a).
[198] Henteu jadi dosa ka aranjeun néangan kurnia (rejeki hasil dagang atawa usaha halal sejénna dina poé-poé haji) ti Pangéran aranjeun. Engké lamun aranjeun budal ti Arafah (neja ka Muzdalifah), breng geura dikir ka Allah di Masy’aril Haram. Geura dikir ka Allah sakumaha geus dituduhkeun ku Mantenna ka aranjeun. Sabenerna aranjeun téh saméméhna kaasup jalma-jalma anu sasar.

ثُمَّ اَفِيْضُوْا مِنْ حَيْثُ اَفَاضَ النَّاسُ وَاسْتَغْفِرُوا اللّٰهَ ۗ اِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٩٩
Ṡumma afīḍū min ḥaiṡu afāḍan-nāsu wastagfirullāh(a), innallāha gafūrur raḥīm(un).
[199] Sanggeus kitu bral geura mariang ti tempat budalna jalma-jalma anu loba (Arafah), jeung suhunkeun pangapunten ka Allah. Saleresna Allah Mahajembar Pangapunten-Na (tur) Mahaasih.

فَاِذَا قَضَيْتُمْ مَّنَاسِكَكُمْ فَاذْكُرُوا اللّٰهَ كَذِكْرِكُمْ اٰبَاۤءَكُمْ اَوْ اَشَدَّ ذِكْرًا ۗ فَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّقُوْلُ رَبَّنَآ اٰتِنَا فِى الدُّنْيَا وَمَا لَهٗ فِى الْاٰخِرَةِ مِنْ خَلَاقٍ٢٠٠
Fa iżā qaḍaitum manāsikakum fażkurullāha każikrikum ābā'akum au asyadda żikrā(n), faminan-nāsi may yaqūlu rabbanā ātinā fid-dun-yā wa mā lahū fil-ākhirati min khalāq(in).
[200] Lamun aranjeun geus réngsé ngalaksanakeun ibadah haji, atuh pék dikir ka Allah saperti (baheula) aranjeun nyebut-nyebut karuhun aranjeun, 70 malah dikirna kudu leuwih tibatan éta. Ti antara jalma-jalma aya anu ngadoa kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin ka abdi sadaya (kasaéan) di dunya.” Bari di ahérat manéhna moal meunang bagian (kahadéan) saeutik ogé.
70) Kabiasaan jalma-jalma Arab Jahiliah sanggeusna ngalaksanakeun haji téh nyaéta ngagungkeun karuhun-karuhunna. Sanggeus ieu ayat diturunkeun, kabiasaan nu tadi diganti ku dikir ka Allah.

وَمِنْهُمْ مَّنْ يَّقُوْلُ رَبَّنَآ اٰتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّفِى الْاٰخِرَةِ حَسَنَةً وَّقِنَا عَذَابَ النَّارِ٢٠١
Wa minhum may yaqūlu rabbanā ātinā fid-dun-yā ḥasanataw wa fil-ākhirati ḥasanataw wa qinā ‘ażāban-nār(i).
[201] Ti antara maranéhna aya ogé anu ngadoa kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin ka abdi sadaya kasaéan di dunya sinareng di ahérat, sareng mugi Gusti ngajagi abdi sadaya tina siksa naraka.”

اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ نَصِيْبٌ مِّمَّا كَسَبُوْا ۗ وَاللّٰهُ سَرِيْعُ الْحِسَابِ٢٠٢
Ulā'ika lahum naṣībum mimmā kasabū, wallāhu sarī‘ul-ḥisāb(i).
[202] Nya aranjeunna pisan anu bakal meunang bagian tina naon-naon anu geus diupayakeunana. Allah mah Mahaénggal Balitungana-Na.

۞ وَاذْكُرُوا اللّٰهَ فِيْٓ اَيَّامٍ مَّعْدُوْدٰتٍ ۗ فَمَنْ تَعَجَّلَ فِيْ يَوْمَيْنِ فَلَآ اِثْمَ عَلَيْهِ ۚوَمَنْ تَاَخَّرَ فَلَآ اِثْمَ عَلَيْهِۙ لِمَنِ اتَّقٰىۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّكُمْ اِلَيْهِ تُحْشَرُوْنَ٢٠٣
Ważkurullāha fī ayyāmim ma‘dūdāt(in), faman ta‘ajjala fī yaumaini falā iṡma ‘alaih(i), wa man ta'akhkhara falā iṡma ‘alaihi limanittaqā, wattaqullāha wa‘lamū annakum ilaihi tuḥsyarūn(a).
[203] Prak dikir ka Allah dina poé-poé anu geus ditangtukeun jumlahna. 71 Saha baé anu buru-buru mulang (ninggalkeun Mina) sanggeus (nganjrek) dua poé, atuh teu matak jadi dosa pikeun manéhna. Saha baé anu mandeurikeun manéh mulang (ninggalkeun Mina), atuh éta ogé teu matak jadi dosa keur manéhna, (yakni) pikeun jalma anu takwa. Kudu takwa aranjeun ka Allah jeung sing nyaho yén sabenerna aranjeun téh bakal dikumpulkeun ka Mantenna.
71) Maksud dikir di dieu nyaéta maca takbir, tasbih, tahmid, sarta sajabana. “Sababaraha poé anu ditantukeun jumlahna” nyaéta tilu poé sanggeusna lebaran haji, nyaéta ping 11,12 sarta 13 bulan Julhijah, dingaranan ogé poé tasrék.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يُّعْجِبُكَ قَوْلُهٗ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَيُشْهِدُ اللّٰهَ عَلٰى مَا فِيْ قَلْبِهٖ ۙ وَهُوَ اَلَدُّ الْخِصَامِ٢٠٤
Wa minan-nāsi may yu‘jibuka qauluhū fil-ḥayātid-dun-yā wa yusyhidullāha ‘alā mā fī qalbih(ī), wa huwa aladdul-khiṣām(i).
[204] Ti antara manusa aya anu ucapanana ngeunaan kahirupan dunya ngajadikeun hidep (Muhammad) ngarasa reueus. Manéhna ngajadikeun Allah saksi kana (benerna) eusi haténa, padahal manéhna téh anu pangsengitna ngamusuhanana.

وَاِذَا تَوَلّٰى سَعٰى فِى الْاَرْضِ لِيُفْسِدَ فِيْهَا وَيُهْلِكَ الْحَرْثَ وَالنَّسْلَ ۗ وَ اللّٰهُ لَا يُحِبُّ الْفَسَادَ٢٠٥
Wa iżā tawallā sa‘ā fil-arḍi liyufsida fīhā wa yuhlikal-ḥarṡa wan-nasl(a), wallāhu lā yuḥibbul-fasād(a).
[205] Lamun ngaléos (ti hareupeun hidep), manéhna lumaku pikeun nyieun karuksakan di bumi jeung ngaruksak tatangkalan katut sasatoan, sedengkeun Allah mah teu resepeun kana karuksakan.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُ اتَّقِ اللّٰهَ اَخَذَتْهُ الْعِزَّةُ بِالْاِثْمِ فَحَسْبُهٗ جَهَنَّمُ ۗ وَلَبِئْسَ الْمِهَادُ٢٠٦
Wa iżā qīla lahuttaqillāha akhażathul-‘izzatu bil-iṡmi faḥasbuhū jahannam(u), wa labi'sal-mihād(u).
[206] Lamun manéhna diomongan kieu, “Kudu takwa ka Allah,” mangka hudang (dina dirina) kasombongan (anu jadi sebab manéhna) milampah dosa (leuwih loba deui). Ku kituna, pantes pisan pikeun manéhna téh naraka Jahanam. Sabenerna éta (naraka Jahanam) téh padumukan anu panggoréng-goréngna.

وَمِنَ النَّاسِ مَنْ يَّشْرِيْ نَفْسَهُ ابْتِغَاۤءَ مَرْضَاتِ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ رَءُوْفٌۢ بِالْعِبَادِ٢٠٧
Wa minan-nāsi may yasyrī nafsahubtigā'a marḍātillāh(i), wallāhu ra'ūfum bil-‘ibād(i).
[207] Ti antara manusa aya anu ngorbankeun dirina karana nyuprih karidoan Allah. Allah Mahawelas ka hamba-hamba-Na.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا ادْخُلُوْا فِى السِّلْمِ كَاۤفَّةً ۖوَّلَا تَتَّبِعُوْا خُطُوٰتِ الشَّيْطٰنِۗ اِنَّهٗ لَكُمْ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ٢٠٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanudkhulū fis-silmi kāffah(tan), wa lā tattabi‘ū khuṭuwātisy-syaiṭān(i), innahū lakum ‘aduwwum mubīn(un).
[208] Hé jalma-jalma anu iman, geura asup Islam kalayan sagemblengna, jeung omat ulah nuturkeun tapak lacak sétan! Sabenerna sétan téh musuh anu jelas pisan pikeun aranjeun.

فَاِنْ زَلَلْتُمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْكُمُ الْبَيِّنٰتُ فَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٢٠٩
Fa'in zalaltum mim ba‘di mā jā'atkumul-bayyinātu fa‘lamū annallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[209] Tapi lamun aranjeun tipolését sanggeusna mangpirang-pirang bukti anu nyata datang ka aranjeun, sing nyaho yén saleresna Allah téh Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

هَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّآ اَنْ يَّأْتِيَهُمُ اللّٰهُ فِيْ ظُلَلٍ مِّنَ الْغَمَامِ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ وَقُضِيَ الْاَمْرُ ۗ وَاِلَى اللّٰهِ تُرْجَعُ الْاُمُوْرُ ࣖ٢١٠
Hal yanẓurūna illā ay ya'tiyahumullāhu fī ẓulalim minal-gamāmi wal-malā'ikatu wa quḍiyal-amr(u), wa ilallāhi turja‘ul-umūr(u).
[210] Taya deui anu ditunggu-tunggu ku maranéhna (anu nentang Islam) téh salian ti datangna (siksa) Allah jeung para malaikat dina kalangkang méga (dina Poé Kiamat pikeun mutus perkarana), padahal perkarana geus diputuskeun. Ngan ka Allah sagala rupa perkara bakal dipulangkeunana.

سَلْ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ كَمْ اٰتَيْنٰهُمْ مِّنْ اٰيَةٍ ۢ بَيِّنَةٍ ۗ وَمَنْ يُّبَدِّلْ نِعْمَةَ اللّٰهِ مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْهُ فَاِنَّ اللّٰهَ شَدِيْدُ الْعِقَابِ٢١١
Sal banī isrā'īla kam ātaināhum min āyatim bayyinah(tin), wa may yubaddil ni‘matallāhi mim ba‘di mā jā'athu fa innallāha syadīdul-‘iqāb(i).
[211] Cing tanyakeun ku hidep (Muhammad) ka urang Bani Israél, sabaraha lobana bukti (mujijat) anu jelas anu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéhna? Saha baé anu nukeurkeun ni’mat Allah sanggeusna datang ka manéhna, mangka saleresna Allah kacida beurat siksaana-Na.

زُيِّنَ لِلَّذِيْنَ كَفَرُوا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا وَيَسْخَرُوْنَ مِنَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا ۘ وَالَّذِيْنَ اتَّقَوْا فَوْقَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ وَاللّٰهُ يَرْزُقُ مَنْ يَّشَاۤءُ بِغَيْرِ حِسَابٍ٢١٢
Zuyyina lil-lażīna kafarul-ḥayātud-dun-yā wa yaskharūna minal-lażīna āmanū, wal-lażīnattaqau fauqahum yaumal-qiyāmah(ti), wallāhu yarzuqu may yasyā'u bigairi ḥisāb(in).
[212] Kahirupan dunya téh dijadikeun karasa éndah dina panénjo jalma-jalma kapir (tepika mikacinta kana éta dunya), bari maranéhna mandang hina ka jalma-jalma mu’min. Padahal, jalma-jalma anu takwa téh aya di luhureun maranéhna dina Poé Kiamat. Allah maparin rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna tanpa itungan.

كَانَ النَّاسُ اُمَّةً وَّاحِدَةً ۗ فَبَعَثَ اللّٰهُ النَّبِيّٖنَ مُبَشِّرِيْنَ وَمُنْذِرِيْنَ ۖ وَاَنْزَلَ مَعَهُمُ الْكِتٰبَ بِالْحَقِّ لِيَحْكُمَ بَيْنَ النَّاسِ فِيْمَا اخْتَلَفُوْا فِيْهِ ۗ وَمَا اخْتَلَفَ فِيْهِ اِلَّا الَّذِيْنَ اُوْتُوْهُ مِنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْهُمُ الْبَيِّنٰتُ بَغْيًا ۢ بَيْنَهُمْ ۚ فَهَدَى اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لِمَا اخْتَلَفُوْا فِيْهِ مِنَ الْحَقِّ بِاِذْنِهٖ ۗ وَاللّٰهُ يَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٢١٣
Kānan-nāsu ummataw wāḥidah(tan), fa ba‘aṡallāhun-nabiyyīna mubasysyirīna wa munżirīn(a), wa anzala ma‘ahumul-kitāba bil-ḥaqqi liyaḥkuma bainan-nāsi fīmakhtalafū fīh(i), wa makhtalafa fīhi illal-lażīna ūtūhu mim ba‘di mā jā'athumul-bayyinātu bagyam bainahum, fahadallāhul-lażīna āmanū limakhtalafū fīhi minal-ḥaqqi bi'iżnih(ī), wallāhu yahdī may yasyā'u ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[213] Manusa téh (baheulana mah) umat anu tunggal (terus maranéhna pasalia). Lajeng Allah ngutus para nabi bari nepikeun béja pangbubungah jeung panggeuing. Bareng jeung aranjeunna, Mantenna nurunkeun kitab-kitab kalayan ḥaq (kalayan bener anu nyandak pituduh), pikeun méré putusan di antara manusa ngeunaan (urusan-urusan) anu dipasaliakeun di antara maranéhna. Anu pasalia paham ngeunaan éta (urusan) mah ngan wungkul jalma-jalma anu dibéré (Kitab), (nyaéta) sanggeusna datang mangpirang-pirang katerangan anu jelas ka maranéhna. (Kitu peta téh) lantaran aya hiri dengki di antara maranéhna. Mangka, Allah méré pituduh bebeneran ka jalma-jalma mu’min ngeunaan urusan anu dipasaliakeun di antara aranjeunna kalayan widi-Na. Nya Allah maparin pituduh ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna kana jalan anu lempeng.

اَمْ حَسِبْتُمْ اَنْ تَدْخُلُوا الْجَنَّةَ وَلَمَّا يَأْتِكُمْ مَّثَلُ الَّذِيْنَ خَلَوْا مِنْ قَبْلِكُمْ ۗ مَسَّتْهُمُ الْبَأْسَاۤءُ وَالضَّرَّاۤءُ وَزُلْزِلُوْا حَتّٰى يَقُوْلَ الرَّسُوْلُ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ مَتٰى نَصْرُ اللّٰهِ ۗ اَلَآ اِنَّ نَصْرَ اللّٰهِ قَرِيْبٌ٢١٤
Am ḥasibtum an tadkhulul-jannata wa lammā ya'tikum maṡalul-lażīna khalau min qablikum, massathumul-ba'sā'u waḍ-ḍarrā'u wa zulzilū ḥattā yaqūlar-rasūlu wal-lażīna āmanū ma‘ahū matā naṣrullāh(i), alā inna naṣrallāhi qarīb(un).
[214] Naha aranjeun nyangka bakal asup ka sawarga, padahal can datang ka aranjeun (cocoba) saperti (halna) jalma-jalma anu baheula saméméh aranjeun? Aranjeunna ditibanan pibahlaeun jeung kasangsaraan, sarta dioyag (ku mangrupa-rupa cocoba), nepi ka rasul (dina mangsa harita) jeung jalma-jalma anu iman anu nyarengan anjeunna nyarios kieu, “Iraha atuh dongkapna pitulung Allah?” Sing inget, sabenerna pitulung Allah téh deukeut pisan.

يَسْـَٔلُوْنَكَ مَاذَا يُنْفِقُوْنَ ۗ قُلْ مَآ اَنْفَقْتُمْ مِّنْ خَيْرٍ فَلِلْوَالِدَيْنِ وَالْاَقْرَبِيْنَ وَالْيَتٰمٰى وَالْمَسٰكِيْنِ وَابْنِ السَّبِيْلِ ۗ وَمَا تَفْعَلُوْا مِنْ خَيْرٍ فَاِنَّ اللّٰهَ بِهٖ عَلِيْمٌ٢١٥
Yas'alūnaka māżā yunfiqūn(a), qul mā anfaqtum min khairin falil-wālidaini wal-aqrabīna wal-yatāmā wal-masākīni wabnis-sabīl(i), wa mā taf‘alū min khairin fa innallāha bihī ‘alīm(un).
[215] Aranjeunna (jalma-jalma anu iman) bakal nanya ka hidep (Muhammad) ngeunaan naon anu kudu diinpakkeun téh. Pék béjakeun ku hidep, “Naon baé (harta) anu hadé anu diinpakkeun ku aranjeun, mangka bikeun ka indung-bapa, dulur anu deukeut, barudak yatim, jalma-jalma anu miskin, jeung jalma-jalma anu keur nyanyabaan (nu butuh pitulung). Kahadéan naon baé anu ku aranjeun dipigawé, mangka saleresna Allah mah Mahauninga.

كُتِبَ عَلَيْكُمُ الْقِتَالُ وَهُوَ كُرْهٌ لَّكُمْ ۚ وَعَسٰٓى اَنْ تَكْرَهُوْا شَيْـًٔا وَّهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْ ۚ وَعَسٰٓى اَنْ تُحِبُّوْا شَيْـًٔا وَّهُوَ شَرٌّ لَّكُمْ ۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ وَاَنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ ࣖ٢١٦
Kutiba ‘alaikumul-qitālu wa huwa kurhul lakum, wa ‘asā an takrahū syai'aw wa huwa khairul lakum, wa ‘asā an tuḥibbū syai'aw wa huwa syarrul lakum, wallāhu ya‘lamu wa antum lā ta‘lamūn(a).
[216] Diwajibkeun perang ka aranjeun, padahal perang téh dipikangéwa ku aranjeun. (Tapi,) bisa jadi aranjeun mikangéwa kana hiji perkara, padahal éta téh (sabenerna mah) hadé pikeun aranjeun. Bisa jadi ogé aranjeun mikaresep kana hiji perkara, padahal éta téh (sabenerna mah) goréng pikeun aranjeun. Allah mah uningaeun (ka nu sabenerna), sedengkeun aranjeun mah teu nyaho.

يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الشَّهْرِ الْحَرَامِ قِتَالٍ فِيْهِۗ قُلْ قِتَالٌ فِيْهِ كَبِيْرٌ ۗ وَصَدٌّ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَكُفْرٌۢ بِهٖ وَالْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَاِخْرَاجُ اَهْلِهٖ مِنْهُ اَكْبَرُ عِنْدَ اللّٰهِ ۚ وَالْفِتْنَةُ اَكْبَرُ مِنَ الْقَتْلِ ۗ وَلَا يَزَالُوْنَ يُقَاتِلُوْنَكُمْ حَتّٰى يَرُدُّوْكُمْ عَنْ دِيْنِكُمْ اِنِ اسْتَطَاعُوْا ۗ وَمَنْ يَّرْتَدِدْ مِنْكُمْ عَنْ دِيْنِهٖ فَيَمُتْ وَهُوَ كَافِرٌ فَاُولٰۤىِٕكَ حَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۚ وَاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢١٧
Yas'alūnaka ‘anisy-syahril-ḥarāmi qitālin fīh(i), qul qitālun fīhi kabīr(un), wa ṣaddun ‘an sabīlillāhi wa kufrum bihī wal-masjidil-ḥarām(i), wa ikhrāju ahlihī minhu akbaru ‘indallāh(i), wal-fitnatu akbaru minal-qatl(i), wa lā yazālūna yuqātilūnakum ḥattā yaruddūkum ‘an dīnikum inistaṭā‘ū, wa may yartadid minkum ‘an dīnihī fa yamut wa huwa kāfirun fa ulā'ika ḥabiṭat a‘māluhum fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[217] Aranjeunna (jalma-jalma anu iman) nanya ka hidep (Muhammad) ngeunaan perang dina bulan haram. Béjakeun ku hidep kieu, “Perang dina bulan haram téh (dosa) gedé, tapi ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, ingkar ka Mantenna, (ngahalang-halang batur asup ka) Masjidil Haram, jeung ngusir pangeusina ti sabudeureunana (Masjidil Haram), éta leuwih gedé (dosana) mungguhing Allah. (Éta téh sakabéhna pitnah), sedengkeun pitnah 72 téh leuwih gedé (dosana) tibatan maéhan. Maranéhna moal eureun merangan ka aranjeun, tepi ka (bisa) ngabalikkeun aranjeun tina agama aranjeun (kana kakapiran), lamun téa mah maranéhna sanggupeun. Saha baé ti antara aranjeun anu murtad tina agamana, tuluy maot dina jero kakapiran, éta jalma-jalma téh sirna sakabéh amalna di dunya jeung ahérat. Maranéhna pisan anu jadi pangeusi naraka téh. Maranéhna bakal langgeng di dinyana.
72) Pitnah di dieu hartina pagawéan aniaya sarta sagala rupa pagawéan anu dimaksudkeun pikeun nindes Islam sarta kaom muslimin.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَالَّذِيْنَ هَاجَرُوْا وَجَاهَدُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۙ اُولٰۤىِٕكَ يَرْجُوْنَ رَحْمَتَ اللّٰهِ ۗوَاللّٰهُ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٢١٨
Innal-lażīna āmanū wal-lażīna hājarū wa jāhadū fī sabīlillāh(i), ulā'ika yarjūna raḥmatallāh(i), wallāhu gafūrur raḥīm(un).
[218] Sabenerna jalma-jalma anu iman sarta jalma-jalma anu hijrah jeung anu jihad dina jalan Allah, aranjeunna téh miharep rahmat Allah. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

۞ يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِۗ قُلْ فِيْهِمَآ اِثْمٌ كَبِيْرٌ وَّمَنَافِعُ لِلنَّاسِۖ وَاِثْمُهُمَآ اَكْبَرُ مِنْ نَّفْعِهِمَاۗ وَيَسْـَٔلُوْنَكَ مَاذَا يُنْفِقُوْنَ ەۗ قُلِ الْعَفْوَۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّكُمْ تَتَفَكَّرُوْنَۙ٢١٩
Yas'alūnaka ‘anil-khamri wal-maisir(i), qul fīhimā iṡmun kabīrw wa manāfi‘u lin nās(i), wa iṡmuhumā akbaru min naf‘ihimā, wa yas'alūnaka māżā yunfiqūn(a), qulil-‘afw(a), każālika yubayyinullāhu lakumul-āyāti la‘allakum tatafakkarūn(a).
[219] Aranjeunna (jalma-jalma anu iman) nanyakeun ka hidep (Muhammad) ngeunaan arak 73 jeung judi. Pék béjakeun kieu, “Duanana ogé ngandung dosa gedé jeung sababaraha mangpaat pikeun manusa, tapi dosana leuwih gedé tibatan mangpaatna.” Aranjeunna ogé nanyakeun ka hidep naon nu kudu diinpakkeun. Béjakeun deui kieu, “Saleuwihana tina keperluan.” Tah kitu Allah nerangkeun ayat-ayat-Na ka aranjeun sangkan mikir
73) Segala inuman anu ngamabokkeun.

فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِ ۗ وَيَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْيَتٰمٰىۗ قُلْ اِصْلَاحٌ لَّهُمْ خَيْرٌ ۗ وَاِنْ تُخَالِطُوْهُمْ فَاِخْوَانُكُمْ ۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ الْمُفْسِدَ مِنَ الْمُصْلِحِ ۗ وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَاَعْنَتَكُمْ اِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٢٢٠
Fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), wa yas'alūnaka ‘anil-yatāmā, qul iṣlāḥul lahum khair(un), wa in tukhāliṭūhum fa'ikhwānukum, wallāhu ya‘lamul-mufsida minal-muṣliḥ(i), wa lau syā'allāhu la'a‘natakum innallāha ‘azizun ḥakīm(un).
[220] ngeunaan dunya jeung ahérat. Aranjeunna nanyakeun ogé ka hidep (Muhammad) ngeunaan barudak yatim. Béjakeun kieu, “Ngurus (urusan) maranéhna kalayan hadé téh alus pisan.” Upama aranjeun ngabarengkeun maranéhna jeung hirup aranjeun (éta ogé alus sabab) maranéhna téh dulur-dulur aranjeun. Allah uningaeun (saha) jalma anu nyieun karuksakan ti jalma anu nyieun kahadéan. Upami Allah ngersakeun, tangtos Mantenna tiasa nyumpingkeun kasusah ka aranjeun. Saleresna Allah téh Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

وَلَا تَنْكِحُوا الْمُشْرِكٰتِ حَتّٰى يُؤْمِنَّ ۗ وَلَاَمَةٌ مُّؤْمِنَةٌ خَيْرٌ مِّنْ مُّشْرِكَةٍ وَّلَوْ اَعْجَبَتْكُمْ ۚ وَلَا تُنْكِحُوا الْمُشْرِكِيْنَ حَتّٰى يُؤْمِنُوْا ۗ وَلَعَبْدٌ مُّؤْمِنٌ خَيْرٌ مِّنْ مُّشْرِكٍ وَّلَوْ اَعْجَبَكُمْ ۗ اُولٰۤىِٕكَ يَدْعُوْنَ اِلَى النَّارِ ۖ وَاللّٰهُ يَدْعُوْٓا اِلَى الْجَنَّةِ وَالْمَغْفِرَةِ بِاِذْنِهٖۚ وَيُبَيِّنُ اٰيٰتِهٖ لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ ࣖ٢٢١
Wa lā tankiḥul-musyrikāti ḥattā yu'minn(a), wa la'amatum mu'minatun khairum mim musyrikatiw wa lau a‘jabatkum, wa lā tunkiḥul-musyrikīna ḥattā yu'minū, wa la‘abdum mu'minun khairum mim musyrikiw wa lau a‘jabakum, ulā'ika yad‘ūna ilan-nār(i), wallāhu yad‘ū ilal-jannati wal-magfirati bi'iżnih(ī), wa yubayyinu āyātihī lin-nāsi la‘allahum yatażakkarūn(a).
[221] Omat aranjeun ulah rék ngawin awéwé-awéwé musrik saméméh maranéhna iman. Sabenerna awéwé beulian (amat) anu mu’min leuwih alus tibatan awéwé musrik sanajan aranjeun kapincut (ku kageulisanana). Omat aranjeun ulah rék ngawinkeun lalaki musrik (ka awéwé nu iman) saméméh maranéhna iman. Sabenerna lalaki beulian (abid) anu mu’min leuwih hadé tibatan jalma musrik, sanajan aranjeun kapincut (ku kaayaanana). Maranéhna mah ngajak-ngajak ka naraka, sedangkeun Allah ngajak-ngajak ka sawarga jeung pangampura kalayan widi-Na. Allah ngajelaskeun ayat-ayat-Na ka manusa sangkan dijadikeun atikan.

وَيَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ الْمَحِيْضِ ۗ قُلْ هُوَ اَذًىۙ فَاعْتَزِلُوا النِّسَاۤءَ فِى الْمَحِيْضِۙ وَلَا تَقْرَبُوْهُنَّ حَتّٰى يَطْهُرْنَ ۚ فَاِذَا تَطَهَّرْنَ فَأْتُوْهُنَّ مِنْ حَيْثُ اَمَرَكُمُ اللّٰهُ ۗ اِنَّ اللّٰهَ يُحِبُّ التَّوَّابِيْنَ وَيُحِبُّ الْمُتَطَهِّرِيْنَ٢٢٢
Wa yas'alūnaka ‘anil-maḥīḍ(i), qul huwa ażā(n), fa‘tazilun-nisā'a fil-maḥīḍ(i), wa lā taqrabūhunna ḥattā yaṭhurn(a), fa'iżā taṭahharna fa'tūhunna min ḥaiṡu amarakumullāh(u), innallāha yuḥibbut-tawwābīna wa yuḥibbul-mutaṭahhirīn(a).
[222] Aranjeunna nanyakeun (ogé) ka hidep (Muhammad) ngeunaan héd. Béjakeun ku hidep “Héd téh gangguan.” Ku sabab kitu, aranjeun kudu ngajauhan 74 pamajikan-pamajikan dina waktu keur héd. Omat ulah ngadareukeutan (campur jeung) maranéhna saméméh maranéhna suci. 75 Lamun maranéhna geus beresih, pak baé campur jeung maranéhna dina tempat nu ku Allah diparéntahkeun ka aranjeun. Saleresna Allah mikacinta ka jalma-jalma anu tobat jeung ka jalma-jalma anu nyucikeun diri.
74) Teu meunang pasatemon/campur jeung istri dina waktu héd. 75) Anu dimaksud suci di dieu téh nyaéta sanggeusna mandi wajib sarengséna héd. Aya deui anu napsirkeun sanggeusna getih héd eureun kaluarna.

نِسَاۤؤُكُمْ حَرْثٌ لَّكُمْ ۖ فَأْتُوْا حَرْثَكُمْ اَنّٰى شِئْتُمْ ۖ وَقَدِّمُوْا لِاَنْفُسِكُمْ ۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّكُمْ مُّلٰقُوْهُ ۗ وَبَشِّرِ الْمُؤْمِنِيْنَ٢٢٣
Nisā'ukum ḥarṡul lakum, fa'tū ḥarṡakum annā syi'tum, wa qaddimū li anfusikum, wattaqullāha wa‘lamū annakum mulāqūh(u), wa basysyiril-mu'minīn(a).
[223] Istri-istri aranjeun téh (ibarat) taneuh tempat aranjeun melak pepelakan. Ku kituna, pék datangan éta taneuh tempat aranjeun melak pepelakan téh iraha baé (jeung) ku cara naon baé anu dipikahayang ku aranjeun. Heulakeun (éta pasatemon) pikeun (kahadéan) diri aranjeun. Kudu takwa ka Allah jeung sing terang yén aranjeun téh bakal ngadeuheusan ka Mantenna. Pék tepikeun béja pikabungaheun ka jalma-jalma nu iman.

وَلَا تَجْعَلُوا اللّٰهَ عُرْضَةً لِّاَيْمَانِكُمْ اَنْ تَبَرُّوْا وَتَتَّقُوْا وَتُصْلِحُوْا بَيْنَ النَّاسِۗ وَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢٢٤
Wa lā taj‘alullāha ‘urḍatal li'aimānikum an tabarrū wa tattaqū wa tuṣliḥū bainan-nās(i), wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[224] Omat ulah ngajadikeun (asma) Allah dina sumpah aranjeun minangka hahalang nyieun kahadéan, nanjeurkeun katakwaan, jeung ngaislahkeun antara papada manusa. 76 Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
76) Teu meunang sumpah kalayan ngagunakeun Asma Allah keur tujuan nahan migawé anu hadé, saperti “Demi Allah, abdi moal ngabantuan anak yatim.” Tapi, lamun éta sumpah geus tanggung kaucapkeun, mangka kudu dirempak ku cara mayar kiparat.

لَا يُؤَاخِذُكُمُ اللّٰهُ بِاللَّغْوِ فِيْٓ اَيْمَانِكُمْ وَلٰكِنْ يُّؤَاخِذُكُمْ بِمَا كَسَبَتْ قُلُوْبُكُمْ ۗ وَاللّٰهُ غَفُوْرٌ حَلِيْمٌ٢٢٥
Lā yu'ākhiżukumullāhu bil-lagwi fī aimānikum wa lākiy yu'ākhiżukum bimā kasabat qulūbukum, wallāhu gafūrun ḥalīm(un).
[225] Allah henteu nungtut tanggung jawab aranjeun ku sabab sumpah-sumpah aranjeun anu teu dipimaksud (pikeun sumpah), tapi Mantenna nungtut tanggung jawab aranjeun ku sabab (sumpah-sumpah aranjeun) anu diniatkeun ku haté aranjeun. Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahasantun. 77
77) Anu dimaksud “Santun” téh nyaéta henteu gura-giru nyiksa jalma anu migawé kasalahan.

لِلَّذِيْنَ يُؤْلُوْنَ مِنْ نِّسَاۤىِٕهِمْ تَرَبُّصُ اَرْبَعَةِ اَشْهُرٍۚ فَاِنْ فَاۤءُوْ فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٢٢٦
Lil-lażīna yu'lūna min nisā'ihim tarabbuṣu arba‘ati asyhur(in), fa'in fā'ū fa'innalāha gafūrur raḥīm(un).
[226] Jalma-jalma anu sumpah ila 78 ka istri-istrina dibéré témpo salila opat bulan (pikeun nangtukeun sikep). Lamun maranéhna balik deui (ka istri-istrina), saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
78) Nga-ila istri maksudna sumpah moal nyampur jeung istri. Ku sumpah ieu, istri katalangsara sabab teu dicampur, henteu ogé diserahkeun. Ku turunna ieu ayat, mangka salaki sanggeusna opat bolan tina ngedalkeun sumpah kudu milih antara pasatemon deui jeung pamajikanana kalayan mayar kiparat sumpah, atawa nyerahkeun pamajikanana.

وَاِنْ عَزَمُوا الطَّلَاقَ فَاِنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢٢٧
Wa in ‘azamuṭ-ṭalāqa fa innallāha samī‘un ‘alīm(un).
[227] Lamun maranéhna netepkeun haté pikeun masrahkeun (istri-istrina saengeusna ila), saleresna Allah Maha Ngadungu (tur) Mahauninga.

وَالْمُطَلَّقٰتُ يَتَرَبَّصْنَ بِاَنْفُسِهِنَّ ثَلٰثَةَ قُرُوْۤءٍۗ وَلَا يَحِلُّ لَهُنَّ اَنْ يَّكْتُمْنَ مَا خَلَقَ اللّٰهُ فِيْٓ اَرْحَامِهِنَّ اِنْ كُنَّ يُؤْمِنَّ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۗ وَبُعُوْلَتُهُنَّ اَحَقُّ بِرَدِّهِنَّ فِيْ ذٰلِكَ اِنْ اَرَادُوْٓا اِصْلَاحًا ۗوَلَهُنَّ مِثْلُ الَّذِيْ عَلَيْهِنَّ بِالْمَعْرُوْفِۖ وَلِلرِّجَالِ عَلَيْهِنَّ دَرَجَةٌ ۗ وَاللّٰهُ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ ࣖ٢٢٨
Wal-muṭallaqātu yatarabbaṣna bi anfusihinna ṡalāṡata qurū'(in), wa lā yaḥillu lahunna ay yaktumna mā khalaqallāhu fī arḥāmihinna in kunna yu'minna billāhi wal-yaumil-ākhir(i), wa bu‘ūlatuhunna aḥaqqu biraddiūhinna fī żālika in arādū iṣlāḥā(n), wa lahunna miṡlul-lażī ‘alaihinna bil-ma‘rūf(i), wa lir-rijāli ‘alaihinna darajah(tun), wallāhu ‘azīzun ḥakīm(un).
[228] Pamajikan-pamajikan anu ditalak (kudu) nunggu kalayan nahan dirina (salila) tilu kali qurū’. 79 Maranéhna teu meunang nyumputkeun naon-naon anu diciptakeun ku Allah dina rahimna, lamun maranéhna iman ka Allah jeung Poé Ahir. Salaki-salakina leuwih hak ngarujuk maranéhna dina éta waktu (idah) lamun maranéhna (para salaki) rék islah (rujuk). Maranéhna (para pamajikan) téh boga hak anu saimbang jeung kewajibanana nurutkeun cara nu patut, tapi salaki-salakina boga (hiji) darajat (tingkatan) di luhur pamajikan-pamajikanana. 80 Allah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.
79) Qurū' jama tina kecap qar' anu hartina suci atawa héd. 80) Sabab salaki, di antarana, ngabogaan tanggung jawab kana kasalametan sarta karaharjaan rumah tangga (an-Nisā’/4:34).

اَلطَّلَاقُ مَرَّتٰنِ ۖ فَاِمْسَاكٌۢ بِمَعْرُوْفٍ اَوْ تَسْرِيْحٌۢ بِاِحْسَانٍ ۗ وَلَا يَحِلُّ لَكُمْ اَنْ تَأْخُذُوْا مِمَّآ اٰتَيْتُمُوْهُنَّ شَيْـًٔا اِلَّآ اَنْ يَّخَافَآ اَلَّا يُقِيْمَا حُدُوْدَ اللّٰهِ ۗ فَاِنْ خِفْتُمْ اَلَّا يُقِيْمَا حُدُوْدَ اللّٰهِ ۙ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْهِمَا فِيْمَا افْتَدَتْ بِهٖ ۗ تِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ فَلَا تَعْتَدُوْهَا ۚوَمَنْ يَّتَعَدَّ حُدُوْدَ اللّٰهِ فَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٢٢٩
Aṭ-ṭalāqu marratān(i), fa imsākum bima‘rūfin au tasrīḥum bi'iḥsān(in), wa lā yaḥillu lakum an ta'khużū mimmā ātaitumūhunna syai'an illā ay yakhāfā allā yuqīmā ḥudūdullāh(i), fa in khiftum allā yuqīmā ḥudūdullāh(i) falā junāḥa ‘alaihimā fīmaftadat bih(ī), tilka ḥudūdullāhi falā ta‘tadūhā, wa may yata‘adda ḥudūdullāhi fa'ulā'ika humuẓ-ẓālimūn(a).
[229] Talak (anu bisa dirujuk deui) téh dua kali. Ku kituna, (salaki) bisa ngarujuk deui ku cara nu hadé atawa papisah kalayan hadé deui. Henteu halal pikeun aranjeun (para salaki) nyokot deui naon-naon nu geus dibikeun (mangrupa maskawin atawa hadiah) ka maranéhna sanajan saeutik ogé, kajaba lamun maranéhna (salaki jeung pamajikanana) pada hariwang moal pibisaeun ngajalankeun hukum-hukum Allah. Mangka, lamun aranjeun (para wali) manghariwangkeun duanana teu bisa ngajalankeun hukum-hukum Allah, taya dosa (mutuskeun) ka duanana ngeunaan bayaran anu (kudu) dibikeun (ku pamajikanana) pikeun nebus dirina. 81 Éta téh katangtuan-katangtuan Allah, omat aranjeun ulah ngarempak éta hukum-hukum. Saha baé anu ngarempak, mangka maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.
81) Ieu ayat jadi dasar hukum ngeunaan khulu' sarta panarimaan ‘iwaḍ (tebusan). Khulu' téh hak pamajikan pikeun pisah ti salakina kalayan mayar ‘iwaḍ ngaliwatan pangadilan.

فَاِنْ طَلَّقَهَا فَلَا تَحِلُّ لَهٗ مِنْۢ بَعْدُ حَتّٰى تَنْكِحَ زَوْجًا غَيْرَهٗ ۗ فَاِنْ طَلَّقَهَا فَلَا جُنَاحَ عَلَيْهِمَآ اَنْ يَّتَرَاجَعَآ اِنْ ظَنَّآ اَنْ يُّقِيْمَا حُدُوْدَ اللّٰهِ ۗ وَتِلْكَ حُدُوْدُ اللّٰهِ يُبَيِّنُهَا لِقَوْمٍ يَّعْلَمُوْنَ٢٣٠
Fa'in ṭallaqahā falā taḥillu lahū mim ba‘du ḥattā tankiḥa zaujan gairah(ū), fa'in ṭallaqahā falā junāḥa ‘alaihimā ay yatarāja‘ā in ẓannā ay yuqīmā ḥudūdullāh(i), tilka ḥudūdullāhi yubayyinuhā liqaumiy ya‘lamūn(a).
[230] Lamun salaki nyerahkeun pamajikanana sanggeus (talak nu kadua), éta (urut) pamajikanana teu halal pikeun manéhna (keur dirujuk), nepi ka dikawin lalaki séjén. Engké lamun manéhna dipasrahkeun ku lalaki séjén téa, taya dosa pikeun duanana (urut salaki kahiji jeung éta awéwé) pikeun kawin deui lamun maranéhna yakin bisa ngajalankeun hukum-hukum Allah. Éta téh hukum-hukum Allah nu diterangkeun ku Mantenna ka jalma-jalma anu (hayang) nyaho.

وَاِذَا طَلَّقْتُمُ النِّسَاۤءَ فَبَلَغْنَ اَجَلَهُنَّ فَاَمْسِكُوْهُنَّ بِمَعْرُوْفٍ اَوْ سَرِّحُوْهُنَّ بِمَعْرُوْفٍۗ وَلَا تُمْسِكُوْهُنَّ ضِرَارًا لِّتَعْتَدُوْا ۚ وَمَنْ يَّفْعَلْ ذٰلِكَ فَقَدْ ظَلَمَ نَفْسَهٗ ۗ وَلَا تَتَّخِذُوْٓا اٰيٰتِ اللّٰهِ هُزُوًا وَّاذْكُرُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ وَمَآ اَنْزَلَ عَلَيْكُمْ مِّنَ الْكِتٰبِ وَالْحِكْمَةِ يَعِظُكُمْ بِهٖ ۗوَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ ࣖ٢٣١
Wa iżā ṭallaqtumun-nisā'a fabalagna ajalahunna fa'amsikūhunna bima‘rūfin au sarriḥūhunna bima‘rūf(in), wa lā tumsikūhunna ḍirāral lita‘tadū, wa may yaf‘al żālika faqad ẓalama nafasah(ū), wa lā tattakhiżū āyātillāhi huzuwaw ważkurū ni‘matallāhi ‘alaikum wa mā anzala ‘alaikum minal-kitābi wal-ḥikmati ya‘iẓukum bih(ī), wattaqullāha wa‘lamū annallāha bikulli syai'in ‘alīm(un).
[231] Lamun aranjeun masrahkeun istri-istri, terus maranéhna ngadeukeutan ahir idahna, 82 pék rujuk maranéhna ku cara nu hadé, atawa pék talak ku cara nu hadé (deui). Omat ulah ngarujuk lamun boga maksud pikeun milaraan maranéhna. Saha baé anu migawé kitu, manéhna bener-bener geus ngadoliman dirina sorangan. Omat ulah ngajadikeun ayat-ayat (hukum-hukum) Allah minangka bahan léléwéan. Sing inget kana ni'mat Allah (anu geus dipaparinkeun) ka anjeun sarta naon anu geus diturunkeun ku Allah ka aranjeun, nyaéta Kitab (Al-Qur’an) sareng Hikmah (Sunnah). Mantenna maparin atikan ka aranjeun ku (naon-naon anu geus diturunkeun ka aranjeun). Kudu takwa ka Allah jeung kudu terang yén saleresna Allah Mahauninga kana sagala perkara.
82) Idah téh mangsa nungguan (teu meunang kawin deui) pikeun awéwé ku sabab pepegatan atawa ditinggal maot salakina.

وَاِذَا طَلَّقْتُمُ النِّسَاۤءَ فَبَلَغْنَ اَجَلَهُنَّ فَلَا تَعْضُلُوْهُنَّ اَنْ يَّنْكِحْنَ اَزْوَاجَهُنَّ اِذَا تَرَاضَوْا بَيْنَهُمْ بِالْمَعْرُوْفِ ۗ ذٰلِكَ يُوْعَظُ بِهٖ مَنْ كَانَ مِنْكُمْ يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ ۗ ذٰلِكُمْ اَزْكٰى لَكُمْ وَاَطْهَرُ ۗ وَاللّٰهُ يَعْلَمُ وَاَنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ٢٣٢
Wa iżā ṭallaqtumun-nisā'a fabalagna ajalahunna falā ta‘ḍulūhunna ay yankiḥna azwājahunna iżā tarāḍau bainahum bil-ma‘rūf(i), żālika yū‘aẓu bihī man kāna minkum yu'minu billāhi wal-yaumil-ākhir(i), żālikum azkā lakum wa aṭhar(u), wallāhu ya‘lamu wa antum lā ta‘lamūn(a).
[232] Lamun aranjeun masrahkeun istri-istri (aranjeun), terus nepi ka (béak) idahna, omat ulah nyegah maranéhna kawin deui jeung pisalakieunana, 83 lamun geus pada cocok di antara maranéhna kalayan cara anu patut. Tah éta téh anu dinaséhatkeun pikeun jalma-jalma ti antara aranjeun anu iman ka Allah jeung Poé Ahir. Éta téh leuwih hadé jeung leuwih suci pikeun aranjeun. Allah mah uningaeun, sedengkeun aranjeun mah henteu nyaho.
83) Kawin deui jeung urut salakina atawa jeung lalaki anu séjén.

۞ وَالْوٰلِدٰتُ يُرْضِعْنَ اَوْلَادَهُنَّ حَوْلَيْنِ كَامِلَيْنِ لِمَنْ اَرَادَ اَنْ يُّتِمَّ الرَّضَاعَةَ ۗ وَعَلَى الْمَوْلُوْدِ لَهٗ رِزْقُهُنَّ وَكِسْوَتُهُنَّ بِالْمَعْرُوْفِۗ لَا تُكَلَّفُ نَفْسٌ اِلَّا وُسْعَهَا ۚ لَا تُضَاۤرَّ وَالِدَةٌ ۢبِوَلَدِهَا وَلَا مَوْلُوْدٌ لَّهٗ بِوَلَدِهٖ وَعَلَى الْوَارِثِ مِثْلُ ذٰلِكَ ۚ فَاِنْ اَرَادَا فِصَالًا عَنْ تَرَاضٍ مِّنْهُمَا وَتَشَاوُرٍ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْهِمَا ۗوَاِنْ اَرَدْتُّمْ اَنْ تَسْتَرْضِعُوْٓا اَوْلَادَكُمْ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ اِذَا سَلَّمْتُمْ مَّآ اٰتَيْتُمْ بِالْمَعْرُوْفِۗ وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٢٣٣
Wal-wālidātu yurḍi‘na aulādahunna ḥaulaini kāmilaini liman arāda ay yutimmar-raḍā‘ah(ta), wa ‘alal-maulūdi lahū rizquhunna wa kiswatuhunna bil-ma‘rūf(i), lā tukallafu nafsun illā wus‘ahā, lā tuḍārra wālidatum biwaladihā wa lā maulūdul lahū biwaladihī wa ‘alal-wāriṡi miṡlu żālik(a), fa'in arādā fiṣālan ‘an tarāḍim minhumā wa tasyāwurin falā junāḥa ‘alaihimā, wa in arattum an tastarḍi‘ū aulādakum falā junāḥa ‘alaikum iżā sallamtum mā ātaitum bil-ma‘rūf(i), wattaqullāha wa‘lamū annallāha bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[233] Para indung pék nyusuan anak-anakna salila dua taun pinuh, (nyaéta) pikeun nu hayang nyampurnakeun (waktu) nyusuan. Kawajiban bapa budak nanggung napkah jeung pakéan pikeun maranéhna (para indung) ku cara anu hadé. Hiji jalma henteu diperedih anging saluyu jeung kasanggupanana. Indung ulah katalangsara ku alatan anakna. Kitu deui bapa ulah katalangsara ku alatan anakna. Ahli waris ogé (boga kawajiban) saperti kitu. Mun salaki jeung pamajikan hayang nyapih anakna (saméméh dua taun) kalayan rido jeung musawarah antara duanana, henteu jadi dosa keur duanana. Lamun maranéhna hayang nyusukeun anak-anakna ka batur, teu matak dosa pikeun maranéhna masrahkeun bayaran (ka anu nyusuan) kalayan ku cara anu hadé. Kudu takwa Allah jeung kudu pada terang yén Allah téh Maha Ningali kana naon-naon anu dipigawé ku aranjeun.

وَالَّذِيْنَ يُتَوَفَّوْنَ مِنْكُمْ وَيَذَرُوْنَ اَزْوَاجًا يَّتَرَبَّصْنَ بِاَنْفُسِهِنَّ اَرْبَعَةَ اَشْهُرٍ وَّعَشْرًا ۚ فَاِذَا بَلَغْنَ اَجَلَهُنَّ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ فِيْمَا فَعَلْنَ فِيْٓ اَنْفُسِهِنَّ بِالْمَعْرُوْفِۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ٢٣٤
Wal-lażīna yutawaffauna minkum wa yażarūna azwājay yatarabbaṣna bi'anfusihinna arba‘ata asyhuriw wa ‘asyrā(n), fa'iżā balagna ajalahunna falā junāḥa ‘alaikum fīmā fa‘alna fī anfusihinna bil-ma‘rūf(i),wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[234] Jalma-jalma anu maot ti antara aranjeun bari ninggalkeun istri-istri, mangka maranéhna (istri-istrina) kudu ngadagoan (idah) pikeun dirina (kawin deui) salila opat bulan sapuluh poé. Tuluy waktu idahna geus béak, teu aya dosa pikeun aranjeun (para wali) ngeunaan naon anu dipigawé ku maranéhna keur dirina sorangan 84 (lamun) turut katangtuan anu hadé. Allah Mahauninga kana naon-naon dipigawé ku aranjeun.
84) Saperti ngahias diri, indit-inditan, atawa narima lamaran.

وَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ فِيْمَا عَرَّضْتُمْ بِهٖ مِنْ خِطْبَةِ النِّسَاۤءِ اَوْ اَكْنَنْتُمْ فِيْٓ اَنْفُسِكُمْ ۗ عَلِمَ اللّٰهُ اَنَّكُمْ سَتَذْكُرُوْنَهُنَّ وَلٰكِنْ لَّا تُوَاعِدُوْهُنَّ سِرًّا اِلَّآ اَنْ تَقُوْلُوْا قَوْلًا مَّعْرُوْفًا ەۗ وَلَا تَعْزِمُوْا عُقْدَةَ النِّكَاحِ حَتّٰى يَبْلُغَ الْكِتٰبُ اَجَلَهٗ ۗوَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا فِيْٓ اَنْفُسِكُمْ فَاحْذَرُوْهُ ۚوَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ حَلِيْمٌ ࣖ٢٣٥
Wa lā junāḥa ‘alaikum fīmā ‘arraḍtum bihī min khiṭbatin-nisā'i au aknantum fī anfusikum, ‘alimallāhu annakum satażkurūnahunna wa lākil lā tuwā‘idūhunna sirran illā an taqūlū qaulam ma‘rūfā(n), wa lā ta‘zimū ‘uqdatan-nikāḥi ḥattā yablugal-kitābu ajalah(ū), wa‘lamū annallāha ya‘lamu mā fī anfusikum faḥżarūh(u), wa‘lamū annallāha gafūrun ḥalīm(un).
[235] Teu matak dosa pikeun aranjeun ngalamar awéwé-awéwé (anu ditinggal maot salakina jeung masih dina waktu idah) ku cara sindir sampir 85 atawa (ku cara) nyumputkeun (kahayang ngawin maranéhna) dina haté aranjeun. Allah uningaeun yén aranjeun (ahirna mah) bakal terus-terang ka maranéhna. Tapi omat aranjeun ulah nyieun jangji (pikeun ngawin) jeung maranéhna ku jalan rasiah, anging saukur ngucapkeun kecap-kecap anu hadé. 86 Omat aranjeun ulah netepkeun akad nikah saméméh waktu idahna béak. Sing terang yén saleresna Allah uningaeun kana gerentes haté aranjeun, mangka sing ajrih ka Mantenna sareng sing terang yén saleresna Allah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahasantun.
85) Awéwé anu meunang dilamar ku cara sindiran nyaéta awéwé anu aya dina jero idah ku sabab ditinggal maot salakina, atawa ku sabab talak bā’in, sedengkeun awéwé anu aya dina jero idah talak raj‘i teu meunang dilamar sanaja ku cara sindiran. 86) Ucapan sindiran anu hadé.

لَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ اِنْ طَلَّقْتُمُ النِّسَاۤءَ مَا لَمْ تَمَسُّوْهُنَّ اَوْ تَفْرِضُوْا لَهُنَّ فَرِيْضَةً ۖ وَّمَتِّعُوْهُنَّ عَلَى الْمُوْسِعِ قَدَرُهٗ وَعَلَى الْمُقْتِرِ قَدَرُهٗ ۚ مَتَاعًا ۢبِالْمَعْرُوْفِۚ حَقًّا عَلَى الْمُحْسِنِيْنَ٢٣٦
Lā junāḥa ‘alaikum in ṭallaqtumun-nisā'a mā lam tamassūhunna au tafriḍū lahunna farīḍah(tan), wa matti‘ūhunna ‘alal-mūsi‘i qadaruhū wa ‘alal-muqtiri qadaruhū matā‘am bil-ma‘rūf(i), ḥaqqan ‘alal-muḥsinīn(a).
[236] Teu aya kawajiban pikeun aranjeun (mayar maskawin) lamun masrahkeun istri-istri (aranjeun) anu can dicampur ku aranjeun atawa can ditangtukeun maskawinna. (Tapi), pék méré mut`ah 87 ka maranéhna. (Salaki) anu beunghar (paméréna) nurutkeun kamampuhanana jeung anu miskin ogé nurutkeun kamampuhanana, nyaéta paméré anu hadé (nurutkeun kabiasanana). Éta téh mangrupakeun katangtuan pikeun jalma-jalma anu ngalakukeun kahadéan.
87) Nyaéta paméré salaki ka pamajikan anu dipasrahkeun minangka panglilipur haté. Éta téh di luar napakah anu luyu jeung kamampuhanana.

وَاِنْ طَلَّقْتُمُوْهُنَّ مِنْ قَبْلِ اَنْ تَمَسُّوْهُنَّ وَقَدْ فَرَضْتُمْ لَهُنَّ فَرِيْضَةً فَنِصْفُ مَا فَرَضْتُمْ اِلَّآ اَنْ يَّعْفُوْنَ اَوْ يَعْفُوَا الَّذِيْ بِيَدِهٖ عُقْدَةُ النِّكَاحِ ۗ وَاَنْ تَعْفُوْٓا اَقْرَبُ لِلتَّقْوٰىۗ وَلَا تَنْسَوُا الْفَضْلَ بَيْنَكُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٢٣٧
Wa in ṭallaqtumūhunna min qabli an tamassūhunna wa qad faraḍtum lahunna farīḍatan faniṣfu mā faraḍtum illā ay ya‘fūna au ya‘fuwal-lażī biyadihī ‘uqdatun-nikāḥ(i), wa an ta‘fū aqrabu lit-taqwā, wa lā tansawul-faḍla bainakum, innallāha bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[237] Lamun aranjeun masrahkeun maranéhna saméméh campur, padahal aranjeun geus nangtukeun (jumlah) maskawinna, mangka (wajib bayar) satengah tina anu geus ditangtukeun, kajaba lamun maranéhna ngabébaskeun atawa dibébaskeun ku anu nyekel beungkeut pernikahan. 88 Silih bébaskeunana aranjeun (hé salaki jeung pamajikan) éta leuwih deukeut kana takwa. Omat aranjeun ulah mopohokeun kana jasa kautamaan (hubungan hadé) di antara aranjeun. Saleresna Allah Maha Ningali kana sagala rupa nu dipilampah ku aranjeun.
88) Salaki atawa wali. Lamun walina anu ngabébaskeun, mangka salaki dibébaskeun tina kawajiban mayar separoh maskawin. Tapi lamun salakina anu ngabébaskeun, mangka manéhna kudu mayar sakabéh jumlah maskawin anu geus ditangtukeun.

حَافِظُوْا عَلَى الصَّلَوٰتِ وَالصَّلٰوةِ الْوُسْطٰى وَقُوْمُوْا لِلّٰهِ قٰنِتِيْنَ٢٣٨
Ḥāfiẓū ‘alaṣ-ṣalawāti waṣ-ṣalātil-wusṭā, wa qūmū lillāhi qānitīn(a).
[238] Geura silih riksa ku aranjeun (kalayan soson-soson) sakabéh salat jeung (kitu deui) salat wusta. 89 Prak adegkeun éta (salat) karana Allah bari husu.
89) Salat wusto nurutkeun hadis anu sohih mah nyaéta salat Asar.

فَاِنْ خِفْتُمْ فَرِجَالًا اَوْ رُكْبَانًا ۚ فَاِذَآ اَمِنْتُمْ فَاذْكُرُوا اللّٰهَ كَمَا عَلَّمَكُمْ مَّا لَمْ تَكُوْنُوْا تَعْلَمُوْنَ٢٣٩
Fa'in khiftum farijālan au rukbānā(n), fa'iżā amintum fażkurullāha kamā ‘allamakum mā lam takūnū ta‘lamūn(a).
[239] Lamun aranjeun (dina kaayaan) sieun (bahaya), prak (salat) bari leumpang atawa bari tutumpakan. Engké waktu aranjeun geus ngarasa aman, pék geura sebut Allah (salat sakumaha biasana) sabab Mantenna geus ngajarkeun ka aranjeun naon anu can dipikanyaho ku aranjeun.

وَالَّذِيْنَ يُتَوَفَّوْنَ مِنْكُمْ وَيَذَرُوْنَ اَزْوَاجًاۖ وَّصِيَّةً لِّاَزْوَاجِهِمْ مَّتَاعًا اِلَى الْحَوْلِ غَيْرَ اِخْرَاجٍ ۚ فَاِنْ خَرَجْنَ فَلَا جُنَاحَ عَلَيْكُمْ فِيْ مَا فَعَلْنَ فِيْٓ اَنْفُسِهِنَّ مِنْ مَّعْرُوْفٍۗ وَاللّٰهُ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ٢٤٠
Wal-lażīna yutawaffauna minkum wa yażarūna azwājā(n), waṣiyyatal li'azwājihim matā‘an ilal-ḥauli gaira ikhrāj(in), fa'in kharajna falā junāḥa ‘alaikum fī mā fa‘alna fī anfusihinna mim ma‘rūf(in), wallāhu ‘azīzun ḥakīm(un).
[240] Jalma-jalma anu (ngarasa sakeudeung deui bakal) maot ti antara aranjeun bari ninggalkeun istri-istri kudu nyieun wasiat pikeun istri-istrina, (nyaéta) napkah satauneun bari teu dititah kaluar (ti imah). Tapi lamun maranéhna kaluar (sorangan), mangka taya dosa pikeun aranjeun (wali atawa waris ti almarhum) ngantep maranéhna migawé kahadéan pikeun dirina sorangan. Allah téh Mah Perkasa (tur) Mahawijaksana.

وَلِلْمُطَلَّقٰتِ مَتَاعٌ ۢبِالْمَعْرُوْفِۗ حَقًّا عَلَى الْمُتَّقِيْنَ٢٤١
Wa lil-muṭallaqāti matā‘um bil-ma‘rūf(i), ḥaqqan ‘alal-muttaqīn(a).
[241] Awéwé-awéwé anu diserahkeun kudu dibéré mut’ah (ku salaki-salakina) kalayan patut, minangka kawajiban pikeun jalma-jalma anu takwa.

كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمْ اٰيٰتِهٖ لَعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ ࣖ٢٤٢
Każālika yubayyinullāhu lakum āyātihī la‘allakum ta‘qilūn(a).
[242] Tah kitu Allah nerangkeun ayat-ayat-Na (hukum-hukum-Na) ka aranjeun sangkan ngarti.

۞ اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ خَرَجُوْا مِنْ دِيَارِهِمْ وَهُمْ اُلُوْفٌ حَذَرَ الْمَوْتِۖ فَقَالَ لَهُمُ اللّٰهُ مُوْتُوْا ۗ ثُمَّ اَحْيَاهُمْ ۗ اِنَّ اللّٰهَ لَذُوْ فَضْلٍ عَلَى النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَشْكُرُوْنَ٢٤٣
Alam tara ilal-lażīna kharajū min diyārihim wa hum ulūfun ḥażaral-maut(i), faqāla lahumullāhu mūtū, ṡumma aḥyāhum, inallāha lażū faḍlin ‘alan-nāsi wa lākinna akṡaran-nāsi lā yasykurūn(a).
[243] Naha hidep teu niténan jalma-jalma anu kaluar ti lemburna sabab sieun maot bari jumlahna rébuan? 90 Lajeng Allah ngadawuh ka maranéhna, “Hos wé paraéh (kabéh)!” Lajeng Mantenna ngahirupkeun deui maranéhna. Saleresna Allah bener-bener maparin kurnia ka manusa, tapi lolobana mah teu sukuran.
90) Nyaéta Bani Israél anu kaluar ti nagarana ku lantaran katibanan paceklik.

وَقَاتِلُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢٤٤
Wa qātilū fī sabīlillāhi wa‘lamū annallāha samī‘un ‘alīm(un).
[244] Prung geura perang dina jalan Allah, sarta kanyahokeun ku aranjeun yén saleresna Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.

مَنْ ذَا الَّذِيْ يُقْرِضُ اللّٰهَ قَرْضًا حَسَنًا فَيُضٰعِفَهٗ لَهٗٓ اَضْعَافًا كَثِيْرَةً ۗوَاللّٰهُ يَقْبِضُ وَيَبْصُۣطُۖ وَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَ٢٤٥
Man żal-lażī yuqriḍullāha qarḍan ḥasanan fayuḍā‘ifahū lahū aḍ‘āfan kaṡīrah(tan), wallāhu yaqbiḍu wa yabsuṭ(u), wa ilaihi turja‘ūn(a).
[245] Saha nu daék méré injeuman 91 ka Allah kalayan injeuman nu hadé, tangtu Allah bakal nikel-nikel (pamayaran éta injeuman) ka manéhna kalayan tikelan anu loba pisan. Allah téh anu nahan jeung ngajembarkeun (rejeki). Nya wungkul ka Mantenna aranjeun bakal dipulangkeun.
91) Maksud méré injeuman ka Allah téh nyaéta ngainpakkeun harta di jalan Mantenna.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الْمَلَاِ مِنْۢ بَنِيْٓ اِسْرَاۤءِيْلَ مِنْۢ بَعْدِ مُوْسٰىۘ اِذْ قَالُوْا لِنَبِيٍّ لَّهُمُ ابْعَثْ لَنَا مَلِكًا نُّقَاتِلْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۗ قَالَ هَلْ عَسَيْتُمْ اِنْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ الْقِتَالُ اَلَّا تُقَاتِلُوْا ۗ قَالُوْا وَمَا لَنَآ اَلَّا نُقَاتِلَ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَقَدْاُخْرِجْنَا مِنْ دِيَارِنَا وَاَبْنَاۤىِٕنَا ۗ فَلَمَّا كُتِبَ عَلَيْهِمُ الْقِتَالُ تَوَلَّوْا اِلَّا قَلِيْلًا مِّنْهُمْ ۗوَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢبِالظّٰلِمِيْنَ٢٤٦
Alam tara ilal-mala'i mim banī isrā'īla mim ba‘di mūsā, iż qālū linabiyyil lahumub‘aṡ lanā malikan nuqātil fī sabīlillāh(i), qāla hal ‘asaitum in kutiba ‘alaikumul-qitālu allā tuqātilū, qālū wa mā lanā allā nuqātila fī sabīlillāhi wa qad ukhrijnā min diyārinā wa abnā'inā, falammā kutiba ‘alaihimul-qitālu tawallau illā qalīlam minhum, wallāhu ‘alīmum biẓ-ẓālimīn(a).
[246] Naha hidep (Muhammad) teu niténan para pamingpin Bani Israél sabada Musa (wapat), waktu maranéhna ngomong kieu ka salah saurang nabina, “Cobi angkat pikeun abdi sadaya hiji raja supaya (kalayan paréntahna) abdi sadaya perang dina jalan Allah.” Nabina ngawaler kieu, “Boa-boa lamun aranjeun diwajibkeun perang mah, aranjeun téh moal daék perang.” Maranéhna ngajawab, “Ku naon abdi sadaya moal perang di jalan Allah, apan abdi sadaya téh parantos diusir ti lembur abdi sadaya sareng (ditebihkeun) ti anak-anak abdi sadaya?” 92 Tapi waktu perang geus diwajibkeun ka maranéhna, maranéhna téh kalah ka ting laléos, kajaba sabagian leutik ti antara maranéhna. Allah Mahauninga ka jalma-jalma nu dolim.
92) Maksudna, maranéhna diusir bari anak-incuna diboyong.

وَقَالَ لَهُمْ نَبِيُّهُمْ اِنَّ اللّٰهَ قَدْ بَعَثَ لَكُمْ طَالُوْتَ مَلِكًا ۗ قَالُوْٓا اَنّٰى يَكُوْنُ لَهُ الْمُلْكُ عَلَيْنَا وَنَحْنُ اَحَقُّ بِالْمُلْكِ مِنْهُ وَلَمْ يُؤْتَ سَعَةً مِّنَ الْمَالِۗ قَالَ اِنَّ اللّٰهَ اصْطَفٰىهُ عَلَيْكُمْ وَزَادَهٗ بَسْطَةً فِى الْعِلْمِ وَالْجِسْمِ ۗ وَاللّٰهُ يُؤْتِيْ مُلْكَهٗ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗ وَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ٢٤٧
Wa qāla lahum nabiyyuhum innallāha qad ba‘aṡa lakum ṭālūta malikā(n), qālū annā yakūnu lahul-mulku ‘alainā wa naḥnu aḥaqqu bil-mulki minhu wa lam yu'ta sa‘atam minal-māl(i), qāla innallāhaṣṭafāhu ‘alaikum wa zādahū basṭatan fil-‘ilmi wal-jism(i), wallāhu yu'tī mulkahū may yasyā'(u), wallāhu wāsi‘un ‘alīm(un).
[247] Nabina nyarios kieu ka maranéhna, “Saleresna Allah parantos ngangkat Talut jadi raja pikeun aranjeun.” Maranéhna ngajawab, “Piraku Talut dibéré kakawasaan pikeun maréntah kuring saréréa, padahal kuring saréréa leuwih pantes meunang éta kakawasaan tibatan manéhna, jeung (apan) manéhna mah teu dibéré kakayaan anu loba?” Nabina ngawaler kieu, “Saleresna Allah parantos milih anjeunna (jadi raja) pikeun aranjeun jeung parantos maparin kaleuwihan ku rupaning élmu sarta (kaperkasaan) jasmani.” Allah maparin karajaana-Na ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah Mahajembar (tur) Mahauninga.

وَقَالَ لَهُمْ نَبِيُّهُمْ اِنَّ اٰيَةَ مُلْكِهٖٓ اَنْ يَّأْتِيَكُمُ التَّابُوْتُ فِيْهِ سَكِيْنَةٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ وَبَقِيَّةٌ مِّمَّا تَرَكَ اٰلُ مُوْسٰى وَاٰلُ هٰرُوْنَ تَحْمِلُهُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ ۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ ࣖ٢٤٨
Wa qāla lahum nabiyyuhum inna āyata mulkihī ay ya'tiyakumut-tābūtu fīhi sakīnatum mir rabbikum wa baqiyyatum mimmā taraka ālu mūsā wa ālu hārūna taḥmiluhul-malā'ikah(tu), inna fī żālika la āyatal lakum in kuntum mu'minīn(a).
[248] Nabina nyarios deui kieu ka maranéhna, “Sabenerna ciri kakawasaan (karajaan) Talut téh nyaéta datangna Tabut 93 ka aranjeun. Di jerona aya katengtreman ti Pangéran aranjeun jeung sésa titinggalan kulawarga Musa katut kulawarga Harun. (Ieu Tabut) dicandak ku para malaikat.” Sabenerna dina éta (Tabut) téh aya tanda (bebeneran jeung kakawasaan Allah) pikeun aranjeun lamun enya-enya iman mah.
93) Tabut nyaéta hiji peti tempat nyimpen Torét.

فَلَمَّا فَصَلَ طَالُوْتُ بِالْجُنُوْدِ قَالَ اِنَّ اللّٰهَ مُبْتَلِيْكُمْ بِنَهَرٍۚ فَمَنْ شَرِبَ مِنْهُ فَلَيْسَ مِنِّيْۚ وَمَنْ لَّمْ يَطْعَمْهُ فَاِنَّهٗ مِنِّيْٓ اِلَّا مَنِ اغْتَرَفَ غُرْفَةً ۢبِيَدِهٖ ۚ فَشَرِبُوْا مِنْهُ اِلَّا قَلِيْلًا مِّنْهُمْ ۗ فَلَمَّا جَاوَزَهٗ هُوَ وَالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗۙ قَالُوْا لَا طَاقَةَ لَنَا الْيَوْمَ بِجَالُوْتَ وَجُنُوْدِهٖ ۗ قَالَ الَّذِيْنَ يَظُنُّوْنَ اَنَّهُمْ مُّلٰقُوا اللّٰهِ ۙ كَمْ مِّنْ فِئَةٍ قَلِيْلَةٍ غَلَبَتْ فِئَةً كَثِيْرَةً ۢبِاِذْنِ اللّٰهِ ۗ وَاللّٰهُ مَعَ الصّٰبِرِيْنَ٢٤٩
Falammā faṣala ṭālūtu bil-junūd(i), qāla innallāha mubtalīkum binahar(in), faman syariba minhu falaisa minnī, wa mal lam yaṭ‘amhu fa innahū minnī illā manigtarafa gurfatam biyadih(ī), fa syaribū minhu illā qalīlam minhum, falammā jāwazahū huwa wal-lażīna āmanū ma‘ah(ū), qālū lā ṭāqata lanal-yauma bijālūta wa junūdih(ī), qālal-lażīna yaẓunnūna annahum mulāqullāh(i), kam min fi'atin qalīlatin galabat fi'atan kaṡīratam bi'iżnillāh(i), wallāhu ma‘aṣ-ṣābirīn(a).
[249] Mangka, waktu Talut kaluar mawa balad-baladna, anjeunna nyarios kieu, “Saleresna Allah bakal nguji ka aranjeun ku hiji walungan. Saha baé ti antara aranjeun anu nginum (caina), éta lain ti (kelompok) kuring. (Tapi) saha baé henteu nginum caina, sabenerna éta mah ti (kelompok) kuring, kajaba jalma-jalma nu nginumna ngan sasiuk leungeun.” Tuluy baé maranéhna téh nginum (éta cai) kajaba sababaraha jalma ti antara maranéhna. Nalika Talut katut jalma-jalma iman nu marenganana meuntas éta (walungan), maranéhna (nu tadi nginum téh) ngomong kieu, “Teu sanggem abdi sadaya dina dinten ieu ngalawan Jalut jeung bala wadyabaladna.” (Tapi) ari jalma-jalma anu yakin bakal ngadeuheusan Allah mah nyaritana téh kieu, “Loba pisan (kajadian) golongan nu saeutik bisa ngéléhkeun golongan nu loba kalayan widi Allah.” Allah téh nyarengan jalma-jalma anu sabar.

وَلَمَّا بَرَزُوْا لِجَالُوْتَ وَجُنُوْدِهٖ قَالُوْا رَبَّنَآ اَفْرِغْ عَلَيْنَا صَبْرًا وَّثَبِّتْ اَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكٰفِرِيْنَ ۗ٢٥٠
Wa lammā barazū lijālūta wa junūdihī qālū rabbanā afrig ‘alainā ṣabraw wa ṡabbit aqdāmanā wanṣurnā ‘alal-qaumil-kāfirīn(a).
[250] Nalika geus adu hareupan jeung Jalut katut bala wadyabaladna, maranéhna (Talut jeung bala wadyabaladna) ngadoa, “Nun Gusti abdi sadaya, paparin kasabaran ka abdi sadaya, teguhkeun pamadegan abdi sadaya, sareng pasihan pitulung ka abdi sadaya enggoning nyanghareupan jalma-jalma kapir.”

فَهَزَمُوْهُمْ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَقَتَلَ دَاوٗدُ جَالُوْتَ وَاٰتٰىهُ اللّٰهُ الْمُلْكَ وَالْحِكْمَةَ وَعَلَّمَهٗ مِمَّا يَشَاۤءُ ۗ وَلَوْلَا دَفْعُ اللّٰهِ النَّاسَ بَعْضَهُمْ بِبَعْضٍ لَّفَسَدَتِ الْاَرْضُ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ ذُوْ فَضْلٍ عَلَى الْعٰلَمِيْنَ٢٥١
Fahazamūhum bi'iżnillāh(i), wa qatala dāwūdu jālūta wa ātāhullāhul-mulka wal-ḥikmata wa ‘allamahū mimmā yasyā'(u), wa lau lā daf‘ullāhin-nāsa ba‘ḍahum biba‘ḍil lafasadatil-arḍu wa lākinnallāha żū faḍlin ‘alal-‘ālamīn(a).
[251] Maranéhna (bala tentara Talut ahirna bisa) ngéléhkeun bala tentara Jalut kalayan widi Allah, sarta (dina éta peperangan) Dawud nelasan Jalut. Salajengna Allah maparin ka Dawud karajaan sareng hikmah, sarta ngawurukan anjeunna mangrupa naon-naon anu dikersakeun ku Mantenna. Upama téa mah Allah henteu nyegah (katelengesan) ti sabagian manusa ku sabagian manusa deui, tangtu ieu bumi téh bakal ruksak, tapi Allah kagungan kurnia (anu ditomplokkeun) ka sajagat alam.

تِلْكَ اٰيٰتُ اللّٰهِ نَتْلُوْهَا عَلَيْكَ بِالْحَقِّ ۗ وَاِنَّكَ لَمِنَ الْمُرْسَلِيْنَ ۔٢٥٢
Tilka āyātullāhi natlūhā ‘alaika bil-ḥaqq(i), wa innaka laminal-mursalīn(a).
[252] Éta téh ayat-ayat Allah. Kami macakeun (ngawahyukeun) ka hidep (Muhammad) kalayan ḥaq (bener jeung mawa pituduh), jeung sabenerna hidep téh salah saurang ti antara para nabi anu diutus.

۞ تِلْكَ الرُّسُلُ فَضَّلْنَا بَعْضَهُمْ عَلٰى بَعْضٍۘ مِنْهُمْ مَّنْ كَلَّمَ اللّٰهُ وَرَفَعَ بَعْضَهُمْ دَرَجٰتٍۗ وَاٰتَيْنَا عِيْسَى ابْنَ مَرْيَمَ الْبَيِّنٰتِ وَاَيَّدْنٰهُ بِرُوْحِ الْقُدُسِۗ وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَا اقْتَتَلَ الَّذِيْنَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَا جَاۤءَتْهُمُ الْبَيِّنٰتُ وَلٰكِنِ اخْتَلَفُوْا فَمِنْهُمْ مَّنْ اٰمَنَ وَمِنْهُمْ مَّنْ كَفَرَ ۗوَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَا اقْتَتَلُوْاۗ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ يَفْعَلُ مَا يُرِيْدُ ࣖ٢٥٣
Tilkar-rusulu faḍḍalnā ba‘ḍahum ‘alā ba‘ḍ(in), minhum man kallamallāhu wa rafa‘a ba‘ḍahum darajāt(in), wa ātainā ‘īsabna maryamal-bayyināti wa ayyadnāhu birūḥil-qudus(i), wa lau syā'allāhu maqtatalal-lażīna mim ba‘dihim mim ba‘di mā jā'athumul-bayyinātu wa lākinikhtalafū fa minhum man āmana wa minhum man kafar(a), wa lau syā'allāhu maqtatalū, wa lākinnallāha yaf‘alu mā yurīd(u).
[253] Éta rasul-rasul téh ku Kami geus diunggulkeun sabagianana ti sabagianana deui. Di antarana aya nu ku Allah diajak sasauran (langsung), sarta sabagian deui ku Allah diangkat (sababaraha) darajat. Kami geus maparinkeun ka Isa, putra Maryam, mangpirang-pirang bukti anu jelas (mujijat) sarta Kami geus ngukuhkeun ka anjeunna ku Ruhul Kudus. 94 Upama Allah ngersakeun, tangtu jalma-jalma sabada aranjeunna (rasul-rasul) moal silih paéhan, sanggeus pirang-pirang bukti datang ka maranéhna. Tapi maranéhna pasalia paham, mangka ti antarana aya nu iman jeung sabagian (deui) aya nu kapir. Upama Allah ngersakeun, tangtu maranéhna téh moal silih paéhan, tapi Allah midamel saluyu sareng kersa-Na.
94) Mungguhing sabagian ahli tapsir, anu dimaksud Rohulkudus téh nyaéta Malaikat Jibril.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنْفِقُوْا مِمَّا رَزَقْنٰكُمْ مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَ يَوْمٌ لَّا بَيْعٌ فِيْهِ وَلَا خُلَّةٌ وَّلَا شَفَاعَةٌ ۗوَالْكٰفِرُوْنَ هُمُ الظّٰلِمُوْنَ٢٥٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū anfiqū mimmā razaqnākum min qabli ay ya'tiya yaumul lā bai‘un fīhi wa lā khullatuw wa lā syafā‘ah(tun), wal-kāfirūna humuẓ-ẓālimūn(a).
[254] Hé jalma-jalma nu iman! Pék inpakkeun (di jalan Allah) sabagian rejeki anu geus dipaparinkeun ku Kami ka aranjeun saméméh datang poé (Kiamat) anu moal aya deui dina éta poé jual-beuli, sosobatan anu dalit, jeung sapaat. Nya jalma-jalma kapir anu darolim mah.

اَللّٰهُ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ اَلْحَيُّ الْقَيُّوْمُ ەۚ لَا تَأْخُذُهٗ سِنَةٌ وَّلَا نَوْمٌۗ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ مَنْ ذَا الَّذِيْ يَشْفَعُ عِنْدَهٗٓ اِلَّا بِاِذْنِهٖۗ يَعْلَمُ مَا بَيْنَ اَيْدِيْهِمْ وَمَا خَلْفَهُمْۚ وَلَا يُحِيْطُوْنَ بِشَيْءٍ مِّنْ عِلْمِهٖٓ اِلَّا بِمَا شَاۤءَۚ وَسِعَ كُرْسِيُّهُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَۚ وَلَا يَـُٔوْدُهٗ حِفْظُهُمَاۚ وَهُوَ الْعَلِيُّ الْعَظِيْمُ٢٥٥
Allāhu lā ilāha illā huw(a), al-ḥayyul-qayyūm(u), lā ta'khużuhū sinatuw wa lā naum(un), lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), man żal-lażī yasyfa‘u ‘indahū illā bi'iżnih(ī), ya‘lamu mā baina aidīhim wa mā khalfahum, wa lā yuḥīṭūna bisyai'im min ‘ilmihī illā bimā syā'(a), wasi‘a kursiyyuhus-samāwāti wal-arḍ(a), wa lā ya'ūduhū ḥifẓuhumā, wa huwal-‘aliyyul-‘aẓīm(u).
[255] Allah, teu aya deui pangéran anging ti Mantenna, Nu Mahahirup, Anu teras-terasan ngurus (mahluk-Na). Mantenna henteu kalindih ku tunduh jeung komo deui ku kulem. Mung kagungan Mantenna naon-naon nu aya di langit sareng nu aya di bumi. Teu aya anu bisa méré sapaat di mungguhing Allah mun teu aya widi-Na. Mantenna uningaeun kana naon-naon nu aya di hareupeun jeung nu aya di tukangeun maranéhna, sedengkeun maranéhna mah teu nyahoeun naon-naon ngeunaan élmu-Na, anging anu dikersakeun (dipaparinkeun) ku Mantenna. Kursi 95 Allah ngawengku langit jeung bumi. Mantenna moal ngaraos capé ngaraksa ka duanana. Mantenna Mahaluhur (tur) Mahaagung.
95) Ku sabagian ahli tapsir, kursi dihartikeun élmu Allah. Aya deui anu ngartikeun kakawasaana-Na, sarta aya ogé anu ngartikeun séjén. Tingal ogé catetan kaki surat al-A`raf/7:54.

لَآ اِكْرَاهَ فِى الدِّيْنِۗ قَدْ تَّبَيَّنَ الرُّشْدُ مِنَ الْغَيِّ ۚ فَمَنْ يَّكْفُرْ بِالطَّاغُوْتِ وَيُؤْمِنْۢ بِاللّٰهِ فَقَدِ اسْتَمْسَكَ بِالْعُرْوَةِ الْوُثْقٰى لَا انْفِصَامَ لَهَا ۗوَاللّٰهُ سَمِيْعٌ عَلِيْمٌ٢٥٦
Lā ikrāha fid-dīn(i), qat tabayyanar-rusydu minal-gayy(i), famay yakfur biṭ-ṭāgūti wa yu'mim billāhi fa qadistamsaka bil-‘urwatil-wuṡqā, lanfiṣāma lahā, wallāhu samī‘un ‘alīm(un).
[256] Taya paksaan dina (ngagem) agama (Islam). Sabenerna geus jelas (bédana) jalan anu bener tina jalan anu sasar. Ku kituna, saha baé jalma anu ingkar ka Tāgūt 96 jeung iman ka Allah, tangtu manéhna bener-bener geus nyekel pageuh kana gantungan tali nu kacida kuatna nu moal bisa pegat. Allah Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
96)Tāgūt nyaéta sétan sarta naon baé anu disembah salian ti Allah Swt.

اَللّٰهُ وَلِيُّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يُخْرِجُهُمْ مِّنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِۗ وَالَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَوْلِيَاۤؤُهُمُ الطَّاغُوْتُ يُخْرِجُوْنَهُمْ مِّنَ النُّوْرِ اِلَى الظُّلُمٰتِۗ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ ࣖ٢٥٧
Allāhu waliyyul-lażīna āmanū yukhrijuhum minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), wal-lażīna kafarū auliyā'uhumuṭ-ṭāgūtu yukhrijuhum minan-nūri ilaẓ-ẓulumāt(i), ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[257] Allah téh Anu nangtayungan jalma-jalma nu iman. Mantenna ngaluarkeun aranjeunna tinu pararoék (kakapiran) kana cahaya anu béngras (iman). Jalma-jalma kapir mah nu nangtayunganana téh nyaéta Tāgūt (sétan), nu ngaluarkeun jalma-jalma kapir tina cahaya anu béngras (iman) kana mangrupa-rupa poék (kakapiran). Nya maranéhna pisan anu jadi pangeusi naraka téh. Maranéhna bakal langgeng di jerona.

اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْ حَاۤجَّ اِبْرٰهٖمَ فِيْ رَبِّهٖٓ اَنْ اٰتٰىهُ اللّٰهُ الْمُلْكَ ۘ اِذْ قَالَ اِبْرٰهٖمُ رَبِّيَ الَّذِيْ يُحْيٖ وَيُمِيْتُۙ قَالَ اَنَا۠ اُحْيٖ وَاُمِيْتُ ۗ قَالَ اِبْرٰهٖمُ فَاِنَّ اللّٰهَ يَأْتِيْ بِالشَّمْسِ مِنَ الْمَشْرِقِ فَأْتِ بِهَا مِنَ الْمَغْرِبِ فَبُهِتَ الَّذِيْ كَفَرَ ۗوَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الظّٰلِمِيْنَۚ٢٥٨
Alam tara ilal-lażī ḥājja ibrāhīma fī rabbihī an ātāhullāhul-mulk(a), iż qāla ibrāhīmu rabbiyal-lażī yuḥyī wa yumīt(u), qāla ana uḥyī wa umīt(u), qāla ibrāhīmu fa innallāha ya'tī bisy-syamsi minal-masyriqi fa'ti bihā minal-magribi fabuhital-lażī kafar(a), wallāhu lā yahdil-qaumaẓ-ẓālimīn(a).
[258] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan jalma 97 anu ngadébat ka Ibrahim ngeunaan Pangéranana, lantaran Allah geus maparinkeun ka manéhna karajaan (kakawasaan)? Nalika Ibrahim nyarios kieu, “Pangéran kuring mah nyaéta anu tiasa ngahirupkeun jeung ngamaotkeun,” éta jalma ngajawab, “Kuring ogé bisa ari ngahirupkeun jeung ngamaotkeun mah.” 98 Ibrahim nyarios deui, “Saleresna Allah mah anu kawasa medalkeun panonpoé ti wétan, cik pék ku anjeun pedalkeun éta panonpoé ti beulah kulon.” Terus éta jalma kapir téh bingungeun tur cicing. Allah henteu maparin pituduh ka jalma-jalma anu dolim.
97) Nurutkeun hiji riwayat, nu dimaksud téh nyaéta Namrud, raja Babilonia. 98) Nu dimaksud “ngahirupkeun” ku manéhna nyaéta ngantep hirup, jeung anu dimaksudkeun “ngamaotan” téh nyaéta maéhan. Caritaan kitu téh ditujukeun ku éta jalma kapir pikeun ngahina Nabi Ibrahim a.s.

اَوْ كَالَّذِيْ مَرَّ عَلٰى قَرْيَةٍ وَّهِيَ خَاوِيَةٌ عَلٰى عُرُوْشِهَاۚ قَالَ اَنّٰى يُحْيٖ هٰذِهِ اللّٰهُ بَعْدَ مَوْتِهَا ۚ فَاَمَاتَهُ اللّٰهُ مِائَةَ عَامٍ ثُمَّ بَعَثَهٗ ۗ قَالَ كَمْ لَبِثْتَ ۗ قَالَ لَبِثْتُ يَوْمًا اَوْ بَعْضَ يَوْمٍۗ قَالَ بَلْ لَّبِثْتَ مِائَةَ عَامٍ فَانْظُرْ اِلٰى طَعَامِكَ وَشَرَابِكَ لَمْ يَتَسَنَّهْ ۚ وَانْظُرْ اِلٰى حِمَارِكَۗ وَلِنَجْعَلَكَ اٰيَةً لِّلنَّاسِ وَانْظُرْ اِلَى الْعِظَامِ كَيْفَ نُنْشِزُهَا ثُمَّ نَكْسُوْهَا لَحْمًا ۗ فَلَمَّا تَبَيَّنَ لَهٗ ۙ قَالَ اَعْلَمُ اَنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٢٥٩
Au kal-lażī marra ‘alā qaryatiw wa hiya khāwiyatun ‘alā ‘urūsyihā, qāla annā yuḥyī hāżihillāhu ba‘da mautihā, fa'amātahullāhu mi'ata ‘āmin ṡumma ba‘aṡah(ū), qāla kam labiṡt(a), qāla labiṡtu yauman au ba‘ḍa yaum(in), qāla bal labiṡta mi'ata ‘āmin fanẓur ilā ṭa‘āmika wa syarābika lam yatasannah, wanẓur ilā ḥimārik(a), wa linaj‘alaka āyatal lin-nāsi wanẓur ilal-‘iẓāmi kaifa nunsyizuhā ṡumma naksūhā laḥmā(n), falammā tabayyana lah(ū), qāla a‘lamu annallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[259] Atawa (naha hidep henteu niténan) jalma anu ngaliwat ka hiji nagri nu (témbokna) geus runtuh nutupan (ruruntuhan) hateup-hateupna. Anjeunna naros kieu, “Kumaha carana Allah ngahirupkeun deui ieu (nagri) sanggeusna ancur?” Mangka, Allah ngamaotkeun anjeunna (salila) saratus taun, teras ngahirupkeun deui. Allah lajeng naros, “Sabaraha lilana anjeun cicing (di dieu)?” Anjeunna ngawaler, “Abdi cicing (di dieu) téh sadinten atanapi satengah dinten.” Allah ngadawuh, “Sabenerna anjeun cicing (di dieu) téh geus saratus taun (lilana). Geura tengetan tah kadaharan jeung inuman anjeun anu teu aya robahna, jeung pék tengetan tah kaldé anjeun (anu geus jadi tulang-taléng). Kami bakal ngajadikeun anjeun jadi tanda (kakawasaan Kami) pikeun manusa. Geura tengetan ogé tuh tulang-taléng éta (kaldé), kumaha carana Kami nyusun deui tuluy ngabulen deui ku daging.” Barang geus tétéla ka anjeunna (kumaha carana Allah ngahirupkeun deui anu maot), anjeunna nyarios, “Abdi terang saleresna Allah Mahakawasa kana sagala rupi perkara.”

وَاِذْ قَالَ اِبْرٰهٖمُ رَبِّ اَرِنِيْ كَيْفَ تُحْيِ الْمَوْتٰىۗ قَالَ اَوَلَمْ تُؤْمِنْ ۗقَالَ بَلٰى وَلٰكِنْ لِّيَطْمَىِٕنَّ قَلْبِيْ ۗقَالَ فَخُذْ اَرْبَعَةً مِّنَ الطَّيْرِ فَصُرْهُنَّ اِلَيْكَ ثُمَّ اجْعَلْ عَلٰى كُلِّ جَبَلٍ مِّنْهُنَّ جُزْءًا ثُمَّ ادْعُهُنَّ يَأْتِيْنَكَ سَعْيًا ۗوَاعْلَمْ اَنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ حَكِيْمٌ ࣖ٢٦٠
Wa iż qāla ibrāhīmu rabbi arinī kaifa tuḥyil-mautā, qāla awalam tu'min, qāla balā wa lākil liyaṭma'inna qalbī, qāla fakhuż arba‘atam minaṭ-ṭairi faṣurhunna ilaika ṡummaj‘al ‘alā kulli jabalim minhunna juz'an ṡummad‘uhunna ya'tīnaka sa‘yā(n), wa‘lam annallāha ‘azīzun ḥakīm(un).
[260] (Sing inget) nalika Ibrahim nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, tingalikeun ka abdi (kumaha carana) Gusti ngahirupkeun jalma-jalma nu parantos maot?” Allah ngadawuh, “Naha anjeun téh can percaya (kénéh)?” Ibrahim ngawaler, “Kantenan pisan percanten. Mung baé supados manah abdi tengtrem (mantep).” Allah ngadawuh, “(Lamun kitu mah) seug cokot ku hidep opat sato anu jangjangan, tuluy cacag éta sato ku hidep. Tuluy, balangkeun dina saban bukit hiji bagian tina éta (cacagan) téh. Tuluy calukan ku hidep éta sato-sato téh, tangtu bakal datang ka hidep kalayan gancang pisan.” Sing nyaho yén saleresna Allah Mahaperkasa (tur) Mahawijaksana.

مَثَلُ الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ كَمَثَلِ حَبَّةٍ اَنْۢبَتَتْ سَبْعَ سَنَابِلَ فِيْ كُلِّ سُنْۢبُلَةٍ مِّائَةُ حَبَّةٍ ۗ وَاللّٰهُ يُضٰعِفُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ٢٦١
Maṡalul-lażīna yunfiqūna amwālahum fī sabīlillāhi kamaṡali ḥabbatin ambatat sab‘a sanābila fī kulli sumbulatim mi'atu ḥabbah(tin), wallāhu yuḍā‘ifu limay yasyā'(u), wallāhu wāsi‘un ‘alīm(un).
[261] Paupamaan jalma-jalma anu ngainpakkeun hartana dina jalan Allah téh lir ibarat binih sasiki anu nuwuhkeun tujuh ranggeuy. Dina unggal-unggal ranggeuyna aya saratus siki. Allah (teras-terasan) nganikel-nikel (wawales) ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Allah Mahajembar (tur) Mahauninga.

اَلَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ثُمَّ لَا يُتْبِعُوْنَ مَآ اَنْفَقُوْا مَنًّا وَّلَآ اَذًىۙ لَّهُمْ اَجْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْۚ وَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٢٦٢
Allażīna yunfiqūna amwālahum fī sabīlillāhi ṡumma lā yutbi‘ūna mā anfaqū mannaw wa lā ażā(n), lahum ajruhum ‘inda rabbihim, wa lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[262] Jalma-jalma anu ngainpakkeun hartana dina jalan Allah, tuluy aranjeunna henteu marengan naon-naon anu diinpakkeun ku nyebut-nyebut éta inpak atawa nganyerikeun (ka nu dibéréna), tangtu aranjeunna bakal meunang ganjaran di mungguhing Pangéranana. Taya rasa kasieun keur aranjeunna jeung moal ngarasa sedih.

۞ قَوْلٌ مَّعْرُوْفٌ وَّمَغْفِرَةٌ خَيْرٌ مِّنْ صَدَقَةٍ يَّتْبَعُهَآ اَذًى ۗ وَاللّٰهُ غَنِيٌّ حَلِيْمٌ٢٦٣
Qaulum ma‘rūfuw wa magfiratun khairum min ṣadaqatiy yatba‘uhā ażā(n), wallāhu ganiyyun ḥalīm(un).
[263] Omongan anu hadé jeung méré hampura 99 leuwih alus tibatan sidekah anu dibarengan ku nganyerikeun (rarasaan anu dibéré). Allah Mahasugih (tur) Mahasantun.
99) Omongan anu hadé téh maksudna nampik ku cara anu hadé, sedengkeun méré hampura maksudna téh ngahampura kana paripolah anu kurang sopan ti jalma anu ménta-ménta.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا لَا تُبْطِلُوْا صَدَقٰتِكُمْ بِالْمَنِّ وَالْاَذٰىۙ كَالَّذِيْ يُنْفِقُ مَالَهٗ رِئَاۤءَ النَّاسِ وَلَا يُؤْمِنُ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِۗ فَمَثَلُهٗ كَمَثَلِ صَفْوَانٍ عَلَيْهِ تُرَابٌ فَاَصَابَهٗ وَابِلٌ فَتَرَكَهٗ صَلْدًا ۗ لَا يَقْدِرُوْنَ عَلٰى شَيْءٍ مِّمَّا كَسَبُوْا ۗ وَاللّٰهُ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْكٰفِرِيْنَ٢٦٤
Yā ayyuhal-lażīna āmanū lā tubṭilū ṣadaqātikum bil-manni wal-ażā, kal-lażī yunfiqu mālahū ri'ā'an-nāsi wa lā yu'minu billāhi wal-yaumil-ākhir(i), fa maṡaluhū kamaṡali ṣafwānin ‘alaihi turābun fa'aṣābahū wābilun fatarakahū ṣaldā(n), lā yaqdirūna ‘alā syai'im mimmā kasabū, wallāhu lā yahdil-qaumal-kāfirīn(a).
[264] Hé jalma-jalma anu iman, omat ulah tepi ka mupus (ganjaran) sidekah-sidekah aranjeun ku nyebut-nyebut (éta kaalusan) atawa nganyerikeun (rarasaan jalma anu dibéré), saperti jalma anu ngainpakkeun hartana lantaran hayang ditingal batur (riya) bari henteu iman ka Allah jeung kana Poé Kiamat. Paupamaanana téh lir ibarat batu lemes anu di luhurna aya kebul, tuluy katinggang hujan ngagebrét nepi ka éta batu téh lemes deui. Maranéhna teu meunang mangpaat saeutik ogé tina naon-naon anu geus diupayakeunana. Allah téh moal maparin pituduh ka jalma-jalma kapir.

وَمَثَلُ الَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمُ ابْتِغَاۤءَ مَرْضَاتِ اللّٰهِ وَتَثْبِيْتًا مِّنْ اَنْفُسِهِمْ كَمَثَلِ جَنَّةٍۢ بِرَبْوَةٍ اَصَابَهَا وَابِلٌ فَاٰتَتْ اُكُلَهَا ضِعْفَيْنِۚ فَاِنْ لَّمْ يُصِبْهَا وَابِلٌ فَطَلٌّ ۗوَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ٢٦٥
Wa maṡalul-lażīna yunfiqūna amwālahumubtigā'a marḍātillāhi wa taṡbītam min anfusihim kamaṡali jannatim birabwatin aṣābahā wābilun fa'ātat ukulahā ḍi‘fain(i), fa'illam yuṣibhā wābilun faṭall(un), wallāhu bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[265] Paupamaan jalma-jalma anu ngainpakkeun hartana karana miharep karidoan Allah jeung sangkan jiwana ajeg, éta téh lir ibarat hiji kebon anu aya di dataran luhur anu ditibanan ku hujan anu ngagebrét, tuluy ngahasilkeun bubuahan dua kali lipet. Lamun teu katibanan ku hujan anu ngagébret ogé, ku hujan ngaririncik (atawa ibun) ogé (cukup). Allah Maha Ningali kana sakabéh lalampahan aranjeun.

اَيَوَدُّ اَحَدُكُمْ اَنْ تَكُوْنَ لَهٗ جَنَّةٌ مِّنْ نَّخِيْلٍ وَّاَعْنَابٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۙ لَهٗ فِيْهَا مِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِۙ وَاَصَابَهُ الْكِبَرُ وَلَهٗ ذُرِّيَّةٌ ضُعَفَاۤءُۚ فَاَصَابَهَآ اِعْصَارٌ فِيْهِ نَارٌ فَاحْتَرَقَتْ ۗ كَذٰلِكَ يُبَيِّنُ اللّٰهُ لَكُمُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّكُمْ تَتَفَكَّرُوْنَ ࣖ٢٦٦
Ayawaddu aḥadukum an takūna lahū jannatum min nakhīliw wa a‘nābin tajrī min taḥtihal-anhār(u), lahū fīhā min kulliṡ-ṡamarāt(i), wa aṣābahul-kibaru wa lahū żurriyyatun ḍu‘afā'(u), fa'aṣābahā i‘ṣārun fīhi nārun faḥtaraqat, każālika yubayyinullāhu lakumul-āyāti la‘allakum tatafakkarūn(a).
[266] Naha (aya) salah saurang ti antara aranjeun anu hayang boga kebon korma jeung anggur, anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan? Di jero éta kebon manéhna boga mangrupa-rupa bubuahan. Tuluy datang mangsa (umur) kolot ka manéhna, padahal manéhna téh boga turunan anu laleutik kénéh.Tuluy kebonna téh ditebak ku angin puyuh anu ngandung seuneu nepikeun kaduruk. 100 Tah kitu pisan Allah nerangkeun ayat-ayat-Na ka aranjeun sangkan mikir.
100) Ieu téh paupamaan jalma anu ngainpakkeun hartana bari jeung riya, ngabangga-banggakeun pangbéréna ka batur, sarta nganyenyeri haté jalma anu dibéré.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنْفِقُوْا مِنْ طَيِّبٰتِ مَا كَسَبْتُمْ وَمِمَّآ اَخْرَجْنَا لَكُمْ مِّنَ الْاَرْضِ ۗ وَلَا تَيَمَّمُوا الْخَبِيْثَ مِنْهُ تُنْفِقُوْنَ وَلَسْتُمْ بِاٰخِذِيْهِ اِلَّآ اَنْ تُغْمِضُوْا فِيْهِ ۗ وَاعْلَمُوْٓا اَنَّ اللّٰهَ غَنِيٌّ حَمِيْدٌ٢٦٧
Yā ayyuhal-lażīna āmanū anfiqū min ṭayyibāti mā kasabtum wa mimmā akhrajnā lakum minal-arḍ(i), wa lā tayammamul-khabīṡa minhu tunfiqūna wa lastum bi'ākhiżīhi illā an tugmiḍū fīh(i), wa‘lamū annallāha ganiyyun ḥamīd(un).
[267] Hé jalma-jalma anu iman, pék inpakkeun (dina jalan Allah) anu hadé-hadé tina sabagian hasil pakasaban aranjeun, jeung sabagian tina naon anu dikaluarkeun ku Kami pikeun aranjeun tina ieu bumi. Omat aranjeun ulah milih anu goréngna terus diinpakkeun, padahal aranjeun (sorangan) ogé embung nyokot anging (dina narima ogé) bari jeung horéam tur teu ngarérét-rérét acan. Sing terang yén saleresna Allah Mahasugih (tur) Mahapinuji.

اَلشَّيْطٰنُ يَعِدُكُمُ الْفَقْرَ وَيَأْمُرُكُمْ بِالْفَحْشَاۤءِ ۚ وَاللّٰهُ يَعِدُكُمْ مَّغْفِرَةً مِّنْهُ وَفَضْلًا ۗ وَاللّٰهُ وَاسِعٌ عَلِيْمٌ ۖ٢٦٨
Asy-syaiṭānu ya‘idukumul-faqra wa ya'murukum bil-faḥsyā'(i), wallāhu ya‘idukum magfiratam minhu wa faḍlā(n), wallāhu wāsi'un ‘alīm(un).
[268] Sétan nyingsieunan aranjeun ku kamiskinan jeung maréntah sangkan milampah kagoréngan (korét), sedengkeun Allah mah ngajangjian ka aranjeun pangampura jeung kurnia ti Mantenna. Allah Mahajembar (tur) Mahauninga.

يُّؤْتِى الْحِكْمَةَ مَنْ يَّشَاۤءُ ۚ وَمَنْ يُّؤْتَ الْحِكْمَةَ فَقَدْ اُوْتِيَ خَيْرًا كَثِيْرًا ۗ وَمَا يَذَّكَّرُ اِلَّآ اُولُوا الْاَلْبَابِ٢٦٩
Yu'til-ḥikmata may yasyā'(u), wa may yu'tal-ḥikmata faqad ūtiya khairan kaṡīrā(n), wa mā yażżakkaru ilā ulul-albāb(i).
[269] Mantenna maparin hikmah 101 ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Saha baé anu dipaparinan hikmah, manéhna bener-bener geus dipaparinan kahadéan anu loba. Taya anu bisa ngalap atikan anging jalma-jalma anu boga akal séhat.
101) “Hikmah” di dieu maksudna téh pangabisa pikeun mahaman rasiah-rasiah saréat agama.

وَمَآ اَنْفَقْتُمْ مِّنْ نَّفَقَةٍ اَوْ نَذَرْتُمْ مِّنْ نَّذْرٍ فَاِنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُهٗ ۗ وَمَا لِلظّٰلِمِيْنَ مِنْ اَنْصَارٍ٢٧٠
Wa mā anfaqtum min nafaqatin au nażartum min nażrin fa innallāha ya‘lamuh(ū), wa mā liẓ-ẓālimīna min anṣār(in).
[270] Inpak naon baé anu dikaluarkeun ku aranjeun, atawa nadar 102 naon baé anu dijangjikeun ku aranjeun, saleresna Allah mah uningaeun. Moal aya pikeun jalma-jalma dolim mah anu nulungan saurang ogé.
102) Jangji ngalakukeun hiji kahadéan ka Allah Swt. geusan ngaraketkeun diri ka Mantenna, boh kalayan sarat atawa henteu.

اِنْ تُبْدُوا الصَّدَقٰتِ فَنِعِمَّا هِيَۚ وَاِنْ تُخْفُوْهَا وَتُؤْتُوْهَا الْفُقَرَاۤءَ فَهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْ ۗ وَيُكَفِّرُ عَنْكُمْ مِّنْ سَيِّاٰتِكُمْ ۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ٢٧١
In tubduṣ-ṣadaqāti fani‘immā hiy(a), wa in tukhfūhā wa tu'tūhal-fuqarā'a fahuwa khairul lakum, wa yukaffiru ‘ankum min sayyi'ātikum, wallāhu bimā ta‘malūna khabīr(un).
[271] Upama aranjeun némbongken sidekah-sidekah (aranjeun), 103 éta hadé pisan, tapi upama aranjeun nyumputkeun éta sidekah jeung masrahkeun (kalayan rerencepan) ka jalma-jalma pakir, éta (nyumputkeun) téh leuwih alus deui pikeun aranjeun. (Ku éta jalan,) Allah bakal mupus ti aranjeun sabagian kagoréngan-kagoréngan aranjeun. Allah Mahauninga kana sakabéh lalampahan aranjeun.
103) Némbongkeun sidekah kalayan tujuan supaya diconto batur, lain pikeun riya.

۞ لَيْسَ عَلَيْكَ هُدٰىهُمْ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ يَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَمَا تُنْفِقُوْا مِنْ خَيْرٍ فَلِاَنْفُسِكُمْ ۗوَمَا تُنْفِقُوْنَ اِلَّا ابْتِغَاۤءَ وَجْهِ اللّٰهِ ۗوَمَا تُنْفِقُوْا مِنْ خَيْرٍ يُّوَفَّ اِلَيْكُمْ وَاَنْتُمْ لَا تُظْلَمُوْنَ٢٧٢
Laisa ‘alaika hudāhum wa lākinnallāha yahdī may yasyā'(u), wa mā tunfiqū min khairin fa li'anfusikum, wa mā tunfiqūna illabtigā'a wajhillāh(i), wa mā tunfiqū min khairiy yuwaffa ilaikum wa antum lā tuẓlamūn(a).
[272] Lain kawajiban hidep (Muhammad) ngajadikeun maranéhna meunang pituduh, nanging Allah anu maparin pituduh ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Naon baé (harta) anu diinpakkeun ku aranjeun, (ganjaranana) pikeun aranjeun sorangan. Omat ulah rék ngainpakkeun hiji hal anging karana miharep karidoan Allah. Naon baé (harta) nu diinpakkeun ku aranjeun, tangtu aranjeun bakal dibéré (ganjaran) anu sampurna, bari moal didoliman (saeutik ogé).

لِلْفُقَرَاۤءِ الَّذِيْنَ اُحْصِرُوْا فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ ضَرْبًا فِى الْاَرْضِۖ يَحْسَبُهُمُ الْجَاهِلُ اَغْنِيَاۤءَ مِنَ التَّعَفُّفِۚ تَعْرِفُهُمْ بِسِيْمٰهُمْۚ لَا يَسْـَٔلُوْنَ النَّاسَ اِلْحَافًا ۗوَمَا تُنْفِقُوْا مِنْ خَيْرٍ فَاِنَّ اللّٰهَ بِهٖ عَلِيْمٌ ࣖ٢٧٣
Lil-fuqarā'il-lażīna uḥṣirū fī sabīlillāhi lā yastaṭī‘ūna ḍarban fil-arḍi yaḥsabuhumul-jāhilu agniyā'a minat-ta‘affuf(i), ta‘rifuhum bisīmāhum, lā yas'alūnan-nāsa ilḥāfā(n), wa mā tunfiqū min khairin fa innallāha bihī ‘alīm(un).
[273] (Naon baé harta anu diinpakkeun ku aranjeun) éta pikeun jalma-jalma pakir anu kasengker (usahana karana jihad) dina jalan Allah, nepi ka teu boga lolongkrang upaya (pikeun nyumponan pangabutuhna) di bumi. Jalma anu henteu nyahoeun mah nyangka yén maranéhna téh jalma-jalma anu teu butuh lantaran tara barang pénta ka sasama. Hidep (Muhammad) kenal ka maranéhna ku (ningal) tanda-tandana, (nyaéta) tara daék barang pénta ka jalma bari maksa. Naon baé (harta) anu hadé anu diinpakkeun ku aranjeun (dina jalan Allah), saleresna Allah mah Mahauninga.

اَلَّذِيْنَ يُنْفِقُوْنَ اَمْوَالَهُمْ بِالَّيْلِ وَالنَّهَارِ سِرًّا وَّعَلَانِيَةً فَلَهُمْ اَجْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْۚ وَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٢٧٤
Allażīna yunfiqūna amwālahum bil-laili wan-nahāri sirraw wa ‘alāniyatan falahum ajruhum ‘inda rabbihim, wa lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[274] Jalma-jalma anu ngainpakkeun harta bandana dina mangsa peuting jeung (atawa) dina mangsa beurang bari rerencepan atawa bari terang-terangan, pikeun aranjeunna ganjaran di mungguhing Pangéranana. Moal aya rasa sieun dina diri aranjeunna jeung moal ngarasa sedih.

اَلَّذِيْنَ يَأْكُلُوْنَ الرِّبٰوا لَا يَقُوْمُوْنَ اِلَّا كَمَا يَقُوْمُ الَّذِيْ يَتَخَبَّطُهُ الشَّيْطٰنُ مِنَ الْمَسِّۗ ذٰلِكَ بِاَنَّهُمْ قَالُوْٓا اِنَّمَا الْبَيْعُ مِثْلُ الرِّبٰواۘ وَاَحَلَّ اللّٰهُ الْبَيْعَ وَحَرَّمَ الرِّبٰواۗ فَمَنْ جَاۤءَهٗ مَوْعِظَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖ فَانْتَهٰى فَلَهٗ مَا سَلَفَۗ وَاَمْرُهٗٓ اِلَى اللّٰهِ ۗ وَمَنْ عَادَ فَاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِ ۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢٧٥
Allażīna ya'kulūnar-ribā lā yaqūmūna illā kamā yaqūmul-lażī yatakhabbaṭuhusy-syaiṭānu minal-mass(i), żālika bi'annahum qālū innamal-bai‘u miṡlur-ribā, wa aḥallallāhul-bai‘a wa ḥarramar-ribā, faman jā'ahū mau‘iẓatum mir rabbihī fantahā falahū mā salaf(a), wa amruhū ilallāh(i), wa man ‘āda fa ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[275] Jalma-jalma anu ngadahar (ngalakukeun) riba téh teu bisaeun nangtung anging saperti nangtungna jalma anu kasurupan sétan (nepi ka teu nyahoeun lebah) ku sabab usapana. 104 Éta téh lantaran sabenerna maranéhna geus ngomong kieu, “Sabenerna mah jual beuli téh sarua baé jeung riba.” Padahal (teu sarua). Allah mah ngahalalkeun jual beuli, sedengkeun riba mah diharamkeun. Ku kituna, saha baé anu kungsi kadatangan pépéling ti Pangéranana, tuluy manéhna eureun (tina ngalakukeun riba), nya keur manéhna naon-naon anu geus katarima baréto (saméméh datangna cegahan) 105, sedengkeun urusanana (dihampura atawa henteuna dipasrahkeun) ka Allah. Saha baé anu balik deui (ngalakukeun riba), mangka maranéhna jadi pangeusi naraka. Maranéhna langgeng di dinyana.
104) Jalma anu nyokot riba henteu aman jiwana saperti jalma kaasupan sétan. 105) Riba anu geus dicokot saméméh turun ieu ayat meunang teu dibalikkeun deui.

يَمْحَقُ اللّٰهُ الرِّبٰوا وَيُرْبِى الصَّدَقٰتِ ۗ وَاللّٰهُ لَا يُحِبُّ كُلَّ كَفَّارٍ اَثِيْمٍ٢٧٦
Yamḥaqullāhur-ribā wa yurbiṣ-ṣadaqāt(i), wallāhu lā yuḥibbu kulla kaffārin aṡīm(in).
[276] Allah ngamusnahkeun riba jeung nyuburkeun sidekah. 106 Allah mah henteu resepeun ka sakur jalma anu terus-terusan dina kakupuran tur lumokot ku dosa. 107
106) Ngamusnahkeun riba hartina ngamusnahkeun éta harta atawa ngeuweuhkeun berkahna. Nyuburkeun sidekah hartina ngembangkeun harta anu geus dikaluarkeun sidekahna atawa ngalipat-lipat berkahna. 107) Jalma-jalma anu ngahalalkeun riba sarta angger ngalakonana.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاٰتَوُا الزَّكٰوةَ لَهُمْ اَجْرُهُمْ عِنْدَ رَبِّهِمْۚ وَلَا خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلَا هُمْ يَحْزَنُوْنَ٢٧٧
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa aqāmuṣ-ṣalāta wa ātuz-zakāta lahum ajruhum ‘inda rabbihim, wa lā khaufun ‘alaihim wa lā hum yaḥzanūn(a).
[277] Sabenerna jalma-jalma anu iman, milampah amal soléh, ngadegkeun salat, jeung ngaluarkeun jakat, pikeun maranéhna ganjaran di mungguhing Pangéranana. Moal aya rasa kasieun dina dirina jeung moal ngarasa sedih.

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَذَرُوْا مَا بَقِيَ مِنَ الرِّبٰوٓا اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ٢٧٨
Yā ayyuhal-lażīna āmanuttaqullāha wa żarū mā baqiya minar-ribā in kuntum mu'minīn(a).
[278] Hé jalma-jalma anu iman, kudu takwa ka Allah jeung geura tinggalkeun sésa riba (anu can dicokot) lamun aranjeun jalma-jalma mu’min mah!

فَاِنْ لَّمْ تَفْعَلُوْا فَأْذَنُوْا بِحَرْبٍ مِّنَ اللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖۚ وَاِنْ تُبْتُمْ فَلَكُمْ رُءُوْسُ اَمْوَالِكُمْۚ لَا تَظْلِمُوْنَ وَلَا تُظْلَمُوْنَ٢٧٩
Fa'illam taf‘alū fa'żanū biḥarbim minallāhi wa rasūlih(ī), wa in tubtum falakum ru'ūsu amwālikum, lā taẓlimūna wa lā tuẓlamūn(a).
[279] Upama aranjeun teu ngalaksanakeun éta paréntah (ninggalkeun sésa riba), pék umumkeun bakal aya perang (rongkah) ti Allah sareng Rasul-Na. Tapi lamun tobat, aranjeun boga hak nyokot poko harta aranjeun. Aranjeun henteu ngadoliman (batur) jeung aranjeun henteu didoliman (ku batur) deui.

وَاِنْ كَانَ ذُوْ عُسْرَةٍ فَنَظِرَةٌ اِلٰى مَيْسَرَةٍ ۗ وَاَنْ تَصَدَّقُوْا خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٢٨٠
Wa in kāna żū ‘usratin fanaẓiratun ilā maisarah(tin), wa an taṣaddaqū khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[280] Lamun (nu boga hutang) keur nandangan kasusah, atuh béré témpo baé nepi ka bisaeun mayar. Upama aranjeun nyidekahkeun (ku cara ngalubarkeun hutangna), éta leuwih alus keur aranjeun mun nyaho mah.

وَاتَّقُوْا يَوْمًا تُرْجَعُوْنَ فِيْهِ اِلَى اللّٰهِ ۗثُمَّ تُوَفّٰى كُلُّ نَفْسٍ مَّا كَسَبَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ ࣖ٢٨١
Wattaqū yauman turja‘ūna fīhi ilallāh(i), ṡumma tuwaffā kullu nafsim mā kasabat wa hum lā yuẓlamūn(a).
[281] Sing sieun aranjeun kana (siksa anu bakal kajadian dina) hiji poé (Kiamat) nu dina éta poé aranjeun téh bakal dipulangkeun ka mungguhing Allah. Ti dinya masing-masing bakal dibéré (wawales) anu sampurna tina sagala laku lampah nu geus dipigawéna, bari maranéhna moal didoliman (saeutik ogé).

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِذَا تَدَايَنْتُمْ بِدَيْنٍ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى فَاكْتُبُوْهُۗ وَلْيَكْتُبْ بَّيْنَكُمْ كَاتِبٌۢ بِالْعَدْلِۖ وَلَا يَأْبَ كَاتِبٌ اَنْ يَّكْتُبَ كَمَا عَلَّمَهُ اللّٰهُ فَلْيَكْتُبْۚ وَلْيُمْلِلِ الَّذِيْ عَلَيْهِ الْحَقُّ وَلْيَتَّقِ اللّٰهَ رَبَّهٗ وَلَا يَبْخَسْ مِنْهُ شَيْـًٔاۗ فَاِنْ كَانَ الَّذِيْ عَلَيْهِ الْحَقُّ سَفِيْهًا اَوْ ضَعِيْفًا اَوْ لَا يَسْتَطِيْعُ اَنْ يُّمِلَّ هُوَ فَلْيُمْلِلْ وَلِيُّهٗ بِالْعَدْلِۗ وَاسْتَشْهِدُوْا شَهِيْدَيْنِ مِنْ رِّجَالِكُمْۚ فَاِنْ لَّمْ يَكُوْنَا رَجُلَيْنِ فَرَجُلٌ وَّامْرَاَتٰنِ مِمَّنْ تَرْضَوْنَ مِنَ الشُّهَدَۤاءِ اَنْ تَضِلَّ اِحْدٰىهُمَا فَتُذَكِّرَ اِحْدٰىهُمَا الْاُخْرٰىۗ وَلَا يَأْبَ الشُّهَدَۤاءُ اِذَا مَا دُعُوْا ۗ وَلَا تَسْـَٔمُوْٓا اَنْ تَكْتُبُوْهُ صَغِيْرًا اَوْ كَبِيْرًا اِلٰٓى اَجَلِهٖۗ ذٰلِكُمْ اَقْسَطُ عِنْدَ اللّٰهِ وَاَقْوَمُ لِلشَّهَادَةِ وَاَدْنٰىٓ اَلَّا تَرْتَابُوْٓا اِلَّآ اَنْ تَكُوْنَ تِجَارَةً حَاضِرَةً تُدِيْرُوْنَهَا بَيْنَكُمْ فَلَيْسَ عَلَيْكُمْ جُنَاحٌ اَلَّا تَكْتُبُوْهَاۗ وَاَشْهِدُوْٓا(...)٢٨٢
Yā ayyuhal-lażīna āmanū iżā tadāyantum bidainin ilā ajalim musamman faktubūh(u), walyaktub bainakum kātibum bil-‘adl(i), wa lā ya'ba kātibun ay yaktuba kamā ‘allamahullāhu falyaktub, walyumlilil-lażī ‘alaihil-ḥaqqu walyattaqillāha rabbahū wa lā yabkhas minhu syai'ā(n), fa'in kānal-lażī ‘alaihil-ḥaqqu safīhan au ḍa‘īfan au lā yastaṭī‘u ay yumilla huwa falyumlil waliyyuhū bil-‘adl(i), wastasyhidū syahīdaini mir rijāliūkum, fa'illam yakūnā rajulaini farajuluw wamra'atāni mimman tarḍauna minasy-syuhadā'i an taḍilla iḥdāhumā fatużakkira iḥdāhumal-ukhrā, wa lā ya'basy-syuhadā'u iżā mā du‘ū, wa lā tas'amū an taktubūhu ṣagīran au kabīran ilā ajalih(ī), żālikum aqsaṭu ‘indallāhi wa aqwamu lisy-syahādati wa adnā allā tartābū illā an takūna tijāratan ḥāḍiratan tudīrūnahā bainakum falaisa ‘alaikum junāḥun allā taktubūhā, wa asyhidū iżā tabāya‘tum, wa lā yuḍārra kātibuw wa lā syahīd(un), wa in taf‘alū fa'innahū fusūqum bikum, wattaqullāh(a), wa yu‘allimukumullāh(u), wallāhu bikulli syai'in ‘alīm(un).
[282] Hé jalma-jalma anu iman, lamun aranjeun ngalakukeun (transaksi) hutang-piutang pikeun témpo nu ditangtukeun, pék catet éta hutang téh. Tukang nyatet ti antara aranjeun kudu nyatet éta hutang kalayan adil. Omat tukang nyatet ulah nolak (lamun dipénta) nyatet hutang sakumaha anu geus diajarkeun ku Allah ka manéhna. Mangka, sakuduna manéhna (daék) nyatet (hutang). Jalma anu ngahutang kudu ngadiktékeun (ka nu nyatet). (Nalika ngadiktékeun hutang), manéhna kudu sieun ka Allah, Pangéranana, serta omat ulah ngurangan saeutik ogé tina hutangna. Lamun jalma nu boga hutang téh kurang akalna, atawa héngkér (kaayaanana), atawa teu bisa ngadiktékeun ku sorangan, atuh ku walina baé didiktékeunana kalayan adil. Kudu aya saksi (nu lobana) duaan, nyaéta dua lalaki ti antara aranjeun. Upama taya (saksi) lalaki saloba duaan, (meunang) saurang lalaki ogé ngan ditambah ku dua awéwé ti antara saksi-saksi (nu aya) anu disaluyuan ku aranjeun, sangkan lamun aya saurang nu poho, saurang deui bisa ngingetkeun. Éta para saksi téh ulah n(...)

۞ وَاِنْ كُنْتُمْ عَلٰى سَفَرٍ وَّلَمْ تَجِدُوْا كَاتِبًا فَرِهٰنٌ مَّقْبُوْضَةٌ ۗفَاِنْ اَمِنَ بَعْضُكُمْ بَعْضًا فَلْيُؤَدِّ الَّذِى اؤْتُمِنَ اَمَانَتَهٗ وَلْيَتَّقِ اللّٰهَ رَبَّهٗ ۗ وَلَا تَكْتُمُوا الشَّهَادَةَۗ وَمَنْ يَّكْتُمْهَا فَاِنَّهٗٓ اٰثِمٌ قَلْبُهٗ ۗ وَاللّٰهُ بِمَا تَعْمَلُوْنَ عَلِيْمٌ ࣖ٢٨٣
Wa in kuntum ‘alā safariw wa lam tajidū kātiban fa riḥānum maqbūḍah(tun), fa'in amina ba‘ḍukum ba‘ḍan falyu'addil-lażi'tumina amānatahū walyattaqillāha rabbah(ū), wa lā taktumusy syahādah(ta), wa may yaktumhā fa'innahū āṡimun qalbuh(ū), wallāhu bimā ta‘malūna ‘alīm(un).
[283] Lamun aranjeun keur aya dina lalampahan bari teu manggih jalma nu bisa dititah nyatet (hutang), nya kudu aya barang jaminan nu bisa dicekel (ku nu ngahutangkeun). Tapi upama aranjeun saling percaya, mangka anu dipercaya (nu ngahutang) kudu nyumponan amanatna (hutangna) sarta kudu takwa manéhna ka Allah Pangéranana. Aranjeun (para saksi) ulah nyumputkeun panyaksénana, sabab saha baé anu nyumputkeun, sabenerna haténa téh kotor. Allah Mahauninga kana naon-naon nu dipigawé ku aranjeun.

لِلّٰهِ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ ۗ وَاِنْ تُبْدُوْا مَا فِيْٓ اَنْفُسِكُمْ اَوْ تُخْفُوْهُ يُحَاسِبْكُمْ بِهِ اللّٰهُ ۗ فَيَغْفِرُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيُعَذِّبُ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٢٨٤
Lillāhi mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa in tubdū mā fī anfusikum au tukhfūhu yuḥāsibkum bihillāh(u), fayagfiru limay yasyā'u wa yu‘ażżibu may yasyā'(u), wallāhu ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[284] Kagungan Allah naon-naon nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Lamun aranjeun némbongkeun naon-naon nu aya dina jero haté atawa (tetep) nyumputkeun, Allah pasti bakal ngahisab ka aranjeun. Ku kituna, Allah bakal ngahapunteun ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna jeung bakal nyiksa ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Allah Mahakawasa kana sagala perkara.

اٰمَنَ الرَّسُوْلُ بِمَآ اُنْزِلَ اِلَيْهِ مِنْ رَّبِّهٖ وَالْمُؤْمِنُوْنَۗ كُلٌّ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَمَلٰۤىِٕكَتِهٖ وَكُتُبِهٖ وَرُسُلِهٖۗ لَا نُفَرِّقُ بَيْنَ اَحَدٍ مِّنْ رُّسُلِهٖ ۗ وَقَالُوْا سَمِعْنَا وَاَطَعْنَا غُفْرَانَكَ رَبَّنَا وَاِلَيْكَ الْمَصِيْرُ٢٨٥
Āmanar-rasūlu bimā unzila ilaihi mir rabbihī wal-mu'minūn(a), kullun āmana billāhi wa malā'ikatihī wa kutubihī wa rusulih(ī), lā nufarriqu baina aḥadim mir rusulih(ī), wa qālū sami‘nā wa aṭa‘nā, gufrānaka rabbanā wa ilaikal-maṣīr(u).
[285] Rasul (Muhammad) geus iman kana naon anu diturunkeun ka anjeunna ti Pangéranana (Al-Qur’an), kitu deui jalma-jalma anu iman. Sadayana iman ka Allah, ka para malaikat-Na, kana kitab-kitab-Na, jeung ka rasul-rasul-Na. (Aranjeunna nyarios), “Abdi sadaya teu ngabénten-bénten saurang ogé di antara para rasul.” Aranjeunna nyarios, “Abdi sadaya ngadangu sareng tuhu. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, sinareng mung ka Gusti tempat mulang abdi sadaya.”

لَا يُكَلِّفُ اللّٰهُ نَفْسًا اِلَّا وُسْعَهَا ۗ لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ ۗ رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَآ اِنْ نَّسِيْنَآ اَوْ اَخْطَأْنَا ۚ رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَآ اِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهٗ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا ۚ رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهٖۚ وَاعْفُ عَنَّاۗ وَاغْفِرْ لَنَاۗ وَارْحَمْنَا ۗ اَنْتَ مَوْلٰىنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكٰفِرِيْنَ ࣖ٢٨٦
Lā yukallifullāhu nafsan illā wus‘ahā, lahā mā kasabat wa ‘alaihā maktasabat, rabbanā lā tu'ākhiżnā in nasīnā au akhṭa'nā, rabbanā wa lā taḥmil ‘alainā iṣran kamā ḥamaltahū ‘alal-lażīna min qablinā, rabbanā wa lā tuḥammilnā mā lā ṭāqata lanā bih(ī), wa‘fu ‘annā, wagfir lanā, warḥamnā, anta maulānā fanṣurnā ‘alal qaumil-kāfirīn(a).
[286] Allah henteu méré hiji beban ka saurang ogé anging anu luyu jeung kasanggupanana. Manéhna meunang (ganjaran) tina (kahadéan) anu diupayakeunana, jeung meunang (siksaan) tina (kagoréngan) nu diupayakeunana. (Maranéhna ngadoa), “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti henteu nyiksa ka abdi sadaya upami abdi sadaya hilap atanapi midamel kalepatan. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti henteu masihan beban abot ka abdi sadaya sakumaha anu ku Gusti parantos dibebankeun ka jalmi-jalmi saméméh abdi. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti henteu maparin beungbeurat anu abdi sadaya teu kiat manggulna. Mugia Gusti ngahapunten ka abdi sadaya, masihan ampun ka abdi sadaya, sareng masihan rahmat ka abdi sadaya. Nya Gusti nu nangtayungan abdi sadaya, ku margi kitu pasihan pitulung abdi sadaya kanggo mayunan kaom kapir.”