Surah Maryam

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
كۤهٰيٰعۤصۤ ۚ١
Kāf hā yā ‘aīn ṣād.
[1] Kāf Hā Yā `Aīn Ṣāḍ. 552
552) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

ذِكْرُ رَحْمَتِ رَبِّكَ عَبْدَهٗ زَكَرِيَّا ۚ٢
Żikru raḥmati rabbika ‘abdahū zakariyyā.
[2] (Ieu téh) carita (ngeunaan) rahmat Pangéran hidep ka hamba-Na, (nyaéta) Zakariya.

اِذْ نَادٰى رَبَّهٗ نِدَاۤءً خَفِيًّا٣
Iż nādā rabbahū nidā'an khafiyyā(n).
[3] Waktu anjeunna ngadoa ka Pangéranana ku sora anu dareuda.

قَالَ رَبِّ اِنِّيْ وَهَنَ الْعَظْمُ مِنِّيْ وَاشْتَعَلَ الرَّأْسُ شَيْبًا وَّلَمْ اَكُنْۢ بِدُعَاۤىِٕكَ رَبِّ شَقِيًّا٤
Qāla rabbi innī wahanal-‘aẓmu minnī wasyta‘alar-ra'su syaibaw wa lam akum bidu‘ā'ika rabbi syaqiyyā(n).
[4] Pokna, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi téh parantos leuleus satulang sandi, mastaka abdi ogé tos pinuh ku huis, tapi abdi moal bosen-bosen ngadoa ka Gusti.

وَاِنِّيْ خِفْتُ الْمَوَالِيَ مِنْ وَّرَاۤءِيْ وَكَانَتِ امْرَاَتِيْ عَاقِرًا فَهَبْ لِيْ مِنْ لَّدُنْكَ وَلِيًّا ۙ٥
Wa innī khiftul-mawāliya miw warā'ī wa kānatimra'atī ‘āqiran fahab lī mil ladunka waliyyā(n).
[5] Saleresna abdi téh ngaraos hariwang ka kulawarga di sapengkereun abdi, sedengkeun istri abdi ogé mandul. Ku margi kitu, paparin abdi putra ti mungguhing Gusti,

يَّرِثُنِيْ وَيَرِثُ مِنْ اٰلِ يَعْقُوْبَ وَاجْعَلْهُ رَبِّ رَضِيًّا٦
Yariṡunī wa yariṡu min āli ya‘qūba waj‘alhu rabbi raḍiyyā(n).
[6] anu bakal ngawaris ti abdi ogé ti kulawarga Ya’qub, sareng jantenkeun éta (putra) téh, nun Gusti Pangéran abdi, (jalmi) anu dipikarido.”

يٰزَكَرِيَّآ اِنَّا نُبَشِّرُكَ بِغُلٰمِ ِۨاسْمُهٗ يَحْيٰىۙ لَمْ نَجْعَلْ لَّهٗ مِنْ قَبْلُ سَمِيًّا٧
Yā zakariyyā innā nubasysyiruka bigulāminismuhū yaḥyā, lam naj‘al lahū min qablu samiyyā(n).
[7] (Allah ngadawuh), “Hé Zakariya, saenyana Kami rék maparin béja pikabungaheun ka hidep, ku (bakal lahirna) budak lalaki nu ngaranna Yahya. Teu acan kungsi saméméhna Kami méré ngaran (nu hadé) siga kitu.”

قَالَ رَبِّ اَنّٰى يَكُوْنُ لِيْ غُلٰمٌ وَّكَانَتِ امْرَاَتِيْ عَاقِرًا وَّقَدْ بَلَغْتُ مِنَ الْكِبَرِ عِتِيًّا٨
Qāla rabbi annā yakūnu lī gulāmuw wa kānatimra'atī ‘āqiraw wa qad balagtu minal-kibari ‘itiyyā(n).
[8] Zakaria ngawaler, “Nun Gusti Pangéran abdi, naha tiasa kitu abdi gaduh putra, apan istri abdi téh mandul, sareng abdi téh parantos kacida pisan kolotna?”

قَالَ كَذٰلِكَۗ قَالَ رَبُّكَ هُوَ عَلَيَّ هَيِّنٌ وَّقَدْ خَلَقْتُكَ مِنْ قَبْلُ وَلَمْ تَكُ شَيْـًٔا٩
Qāla każālik(a), qāla rabbuka huwa ‘alayya hayyinuw wa qad khalaqtuka min qablu wa lam taku syai'ā(n).
[9] (Allah) ngadawuh, “Nya kitu pisan Pangéran hidep ngadawuh. Éta (perkara) téh gampang pisan keur Kami mah. Apan saméméhna ogé Kami geus nyiptakeun hidep padahal (waktu harita) can aya sama sakali.

قَالَ رَبِّ اجْعَلْ لِّيْٓ اٰيَةً ۗقَالَ اٰيَتُكَ اَلَّا تُكَلِّمَ النَّاسَ ثَلٰثَ لَيَالٍ سَوِيًّا١٠
Qāla rabbij‘al lī āyah(tan), qāla āyatuka allā tukalliman-nāsa ṡalāṡa layālin sawiyyā(n).
[10] Zakariya ngawaler, “Nun Gusti Pangéran abdi, pasihan atuh tanda ka abdi.” Mantenna ngadawuh, “Tandana nyaéta hidep moal bisa ngomong jeung manusa tilu peuting, padahal hidep séhat.”

فَخَرَجَ عَلٰى قَوْمِهٖ مِنَ الْمِحْرَابِ فَاَوْحٰٓى اِلَيْهِمْ اَنْ سَبِّحُوْا بُكْرَةً وَّعَشِيًّا١١
Fa kharaja ‘alā qaumihī minal-miḥrābi fa auḥā ilaihim an sabbiḥū bukrataw wa ‘asyiyyā(n).
[11] Teras Zakariya kaluar ti (jero) mihrab (nyanghareup) ka kaomna, teras anjeunna masihan isarat ka maranéhna, “Prak aranjeun geura tasbéh (ka Allah) isuk-isuk jeung pasosoré.”

يٰيَحْيٰى خُذِ الْكِتٰبَ بِقُوَّةٍ ۗوَاٰتَيْنٰهُ الْحُكْمَ صَبِيًّاۙ١٢
Yā yaḥyā khużil-kitāba biquwwah(tin), wa ātaināhul-ḥukma ṣabiyyā(n).
[12] (Dawuhan Allah), “Hé Yahya, cekel ku hidep ieu Kitab (Torét) kalayan pageuh!” 553 Kami geus masihan ka Yahya hikmah 554 ti (mimiti keur) budak kénéh.
553) Pék geura talungtik, geura amalkeun, jeung geura ajarkeun eusina éta Kitab ka balaréa. 554) Pangarti anu kacida luhungna ngeunaan kitab Torét.

وَّحَنَانًا مِّنْ لَّدُنَّا وَزَكٰوةً ۗوَكَانَ تَقِيًّا ۙ١٣
Wa ḥanānam mil ladunnā wa zakāh(tan), wa kāna taqiyyā(n).
[13] Ogé rasa kanyaah ti mungguhing Kami, jeung kasucian (tina dosa-dosa). Anjeunna téh jalma anu (bener-bener) takwa.

وَّبَرًّاۢ بِوَالِدَيْهِ وَلَمْ يَكُنْ جَبَّارًا عَصِيًّا١٤
Wa barram biwālidaihi wa lam yakun jabbāran ‘aṣiyyā(n).
[14] Tur baktos ka ibu-ramana, sareng sanes jalmi nu adigung (tur) doraka

وَسَلٰمٌ عَلَيْهِ يَوْمَ وُلِدَ وَيَوْمَ يَمُوْتُ وَيَوْمَ يُبْعَثُ حَيًّا ࣖ١٥
Wa salāmun ‘alaihi yauma wulida wa yauma yamūtu wa yauma yub‘aṡu ḥayyā(n).
[15] Kasalametan keur anjeunna dina poéan dilahirkeun, ogé dina poéan anjeunna maot, ogé waktu engké dihudangkeun deui dina kaayaan hirup.”

وَاذْكُرْ فِى الْكِتٰبِ مَرْيَمَۘ اِذِ انْتَبَذَتْ مِنْ اَهْلِهَا مَكَانًا شَرْقِيًّا ۙ١٦
Ważkur fil-kitābi maryam(a), iżintabażat min ahlihā makānan syarqiyyā(n).
[16] Pék caritakeun ku hidep (kisah) Maryam dina Kitab (Al-Qur’an) waktu anjeunna misahkeun diri ti kulawargana ka hiji tempat di wétaneun (Baétulmakdis).

فَاتَّخَذَتْ مِنْ دُوْنِهِمْ حِجَابًاۗ فَاَرْسَلْنَآ اِلَيْهَا رُوْحَنَا فَتَمَثَّلَ لَهَا بَشَرًا سَوِيًّا١٧
Fattakhażat min dūnihim ḥijābā(n), fa arsalnā ilaihā rūḥanā fa tamaṡṡala lahā basyaran sawiyyā(n).
[17] Tuluy anjeunna masang pipinding (anu ngalindungan) ti maranéhna. Nya Kami ngutus roh Kami (Jibril) ka anjeunna nu ngajirim di payuneunana mangrupa manusa nu sampurna.

قَالَتْ اِنِّيْٓ اَعُوْذُ بِالرَّحْمٰنِ مِنْكَ اِنْ كُنْتَ تَقِيًّا١٨
Qālat innī a‘ūżu bir-raḥmāni minka in kunta taqiyyā(n).
[18] Maryam nyarios (ka Jibril), “Saenyana sim kuring nyalindung ka (Pangéran) Nu Mahawelas tina (gangguan) anjeun lamun seug anjeun takwa mah (ka Allah).”

قَالَ اِنَّمَآ اَنَا۠ رَسُوْلُ رَبِّكِۖ لِاَهَبَ لَكِ غُلٰمًا زَكِيًّا١٩
Qāla innamā ana rasūlu rabbik(a), li'ahaba laki gulāman zakiyyā(n).
[19] Anjeunna (Jibril) ngawaler, “Saleresna abdi téh utusan Pangéran anjeun kanggo maparin ka anjeun putra pameget anu suci.”

قَالَتْ اَنّٰى يَكُوْنُ لِيْ غُلٰمٌ وَّلَمْ يَمْسَسْنِيْ بَشَرٌ وَّلَمْ اَكُ بَغِيًّا٢٠
Qālat annā yakūnu lī gulāmuw wa lam yamsasnī basyaruw wa lam aku bagiyyā(n).
[20] Maryam ngawaler, “Naha kumaha kuring rék gaduh putra, apan teu aya saurang ogé (pameget) anu kantos ngajamah kuring? Sareng kuring ogé lain tukang jinah deui?”

قَالَ كَذٰلِكِۚ قَالَ رَبُّكِ هُوَ عَلَيَّ هَيِّنٌۚ وَلِنَجْعَلَهٗٓ اٰيَةً لِّلنَّاسِ وَرَحْمَةً مِّنَّاۚ وَكَانَ اَمْرًا مَّقْضِيًّا٢١
Qāla każālik(a), qāla rabbuka huwa ‘alayya hayyin(un), wa linaj‘alahū āyatal lin-nāsi wa raḥmatam minnā, wa kāna amram maqḍiyyā(n).
[21] Jibril nyarios, “Tah kieu Pangéran anjeun ngadawuh, ‘Éta perkara téh gampang keur Kami mah, jeung Kami rék ngajadikeun éta orok téh tanda kakawasaan sarta rahmat ti Kami keur manusa. Éta téh urusan anu (geus) diputuskeun.’”

۞ فَحَمَلَتْهُ فَانْتَبَذَتْ بِهٖ مَكَانًا قَصِيًّا٢٢
Fa ḥamalathu fantabażat bihī makānan qaṣiyyā(n).
[22] Nya Maryam téh bobot ku éta (orok), teras anjeunna titirah sareng éta (kakandunganana) ka tempat anu jauh.

فَاَجَاۤءَهَا الْمَخَاضُ اِلٰى جِذْعِ النَّخْلَةِۚ قَالَتْ يٰلَيْتَنِيْ مِتُّ قَبْلَ هٰذَا وَكُنْتُ نَسْيًا مَّنْسِيًّا٢٣
Fa ajā'ahal-makhāḍu ilā jiz‘in nakhlah(ti), qālat yā laitanī mittu qabla hāżā wa kuntu nas-yam mansiyyā(n).
[23] Rasa nyeri alatan rék ngalahirkeun (ahirna) maksa anjeunna (nyarandé) kana tangkal korma. Pok Maryam nyarios, “Duh kahayang mah mending maot saméméh ieu kajadian, jeung (kuring téh jadi) jalma anu dipopohokeun tur teu dipiroséa (ku sasaha).”

فَنَادٰىهَا مِنْ تَحْتِهَآ اَلَّا تَحْزَنِيْ قَدْ جَعَلَ رَبُّكِ تَحْتَكِ سَرِيًّا٢٤
Fa nādāhā min taḥtihā allā taḥzanī qad ja‘ala rabbuki taḥtaki sariyyā(n).
[24] Nya (harita) Jibril nyalukan Maryam ti palebah lebakeunana, “Anjeun tong nalangsa, margi Pangéran anjeun parantos mangdamelkeun solokan di handapeun anjeun.

وَهُزِّيْٓ اِلَيْكِ بِجِذْعِ النَّخْلَةِ تُسٰقِطْ عَلَيْكِ رُطَبًا جَنِيًّا ۖ٢٥
Wa huzzī ilaiki bijiz‘in-nakhlati tusāqiṭ ‘alaiki ruṭaban janiyyā(n).
[25] Prak geura endagkeun éta tangkal korma téh, engké buahna anu arasak bakal maruragan ka anjeun.

فَكُلِيْ وَاشْرَبِيْ وَقَرِّيْ عَيْنًا ۚفَاِمَّا تَرَيِنَّ مِنَ الْبَشَرِ اَحَدًاۙ فَقُوْلِيْٓ اِنِّيْ نَذَرْتُ لِلرَّحْمٰنِ صَوْمًا فَلَنْ اُكَلِّمَ الْيَوْمَ اِنْسِيًّا ۚ٢٦
Fa kulī wasyrabī wa qarrī ‘ainā(n), fa immā tarayinna minal-basyari aḥadā(n), fa qūlī innī nażartu lir-raḥmāni ṣauman falan ukallimal-yauma insiyyā(n).
[26] Sok geura tuang leueut jeung tengtremkeun haté anjeun. Tah lamun engké anjeun ningali hiji jalma, pok carioskeun, ‘Saenyana kuring geus nadar rék puasa karana Allah Nu Mahawelas. Dina ieu poé mah kuring moal nyarita ka saha baé ogé.’”

فَاَتَتْ بِهٖ قَوْمَهَا تَحْمِلُهٗ ۗقَالُوْا يٰمَرْيَمُ لَقَدْ جِئْتِ شَيْـًٔا فَرِيًّا٢٧
Fa atat bihī qaumahā taḥmiluh(ū), qālū yā maryamu laqad ji'ti syai'an fariyyā(n).
[27] Terus Maryam sumping ka kaomna bari ngais éta (orok). Kaomna ngaromong, “Hé Maryam, tétéla geuning manéh téh geus migawé perkara nu kacida nistana.

يٰٓاُخْتَ هٰرُوْنَ مَا كَانَ اَبُوْكِ امْرَاَ سَوْءٍ وَّمَا كَانَتْ اُمُّكِ بَغِيًّا ۖ٢٨
Yā ukhta hārūna kāna abūkimra'a sau'iw wa mā kānat ummuki bagiyyā(n).
[28] Hé dulur awéwé Harun, apan bapa manéh téh lain jalma jahat, jeung indung manéh ogé lain tukang jinah. (Tapi naha atuh kalakuan manéh bet kitu?).”

فَاَشَارَتْ اِلَيْهِۗ قَالُوْا كَيْفَ نُكَلِّمُ مَنْ كَانَ فِى الْمَهْدِ صَبِيًّا٢٩
Fa asyārat ilaīh(i), qālū kaifa nukallimu man kāna fil-mahdi ṣabiyyā(n).
[29] Nya Maryam maparin isarat (ka kaomna sangkan nyarios) ka putrana. Pok kaomna ngomong, “Naha kumaha (carana) kuring saréréa bisa ngomong jeung orok beurueum anu masih kénéh (aya) dina aisan?”

قَالَ اِنِّيْ عَبْدُ اللّٰهِ ۗاٰتٰىنِيَ الْكِتٰبَ وَجَعَلَنِيْ نَبِيًّا ۙ٣٠
Qāla innī ‘abdullāh(i), ātāniyal-kitāba wa ja‘alanī nabiyyā(n).
[30] Ari pok téh Isa nyarios, “Sabenerna kuring téh hamba Allah. Mantenna parantos maparin Kitab (Injil) ka kuring sareng parantos ngangkat kuring jadi nabi.

وَّجَعَلَنِيْ مُبٰرَكًا اَيْنَ مَا كُنْتُۖ وَاَوْصٰنِيْ بِالصَّلٰوةِ وَالزَّكٰوةِ مَا دُمْتُ حَيًّا ۖ٣١
Wa ja‘alanī mubārakan aina mā kunt(u), wa auṣānī biṣ-ṣalāti waz-zakāti mā dumtu ḥayyā(n).
[31] Mantenna parantos ngajantenkeun kuring jalma anu pinuh ku barokah di mana baé kuring aya, sareng Mantenna miwarang kuring sangkan (ngalaksanakeun) salat jeung jakat satungtung kuring (masih) hirup

وَّبَرًّاۢ بِوَالِدَتِيْ وَلَمْ يَجْعَلْنِيْ جَبَّارًا شَقِيًّا٣٢
Wa barram biwālidatī wa lam yaj‘alnī jabbāran syaqiyyā(n).
[32] Ogé (miwarang) kuring sangkan bakti ka indung kuring. Mantenna henteu ngajantenkeun kuring jalma adigung (tur) cilaka.

وَالسَّلٰمُ عَلَيَّ يَوْمَ وُلِدْتُّ وَيَوْمَ اَمُوْتُ وَيَوْمَ اُبْعَثُ حَيًّا٣٣
Was-salāmu ‘alayya yauma wulittu wa yauma amūtu wa yauma ub‘aṡu ḥayyā(n).
[33] Kasalametan keur kuring dina poéan kuring dilahirkeun, ogé dina poéan kuring maot, ogé waktu engké kuring dihudangkeun deui dina kaayaan hirup.”

ذٰلِكَ عِيْسَى ابْنُ مَرْيَمَ ۚقَوْلَ الْحَقِّ الَّذِيْ فِيْهِ يَمْتَرُوْنَ٣٤
Żālika ‘īsabnu maryam(a), qaulal-ḥaqqil-lażī fīhi yamtarūn(a).
[34] Tah éta Isa putra Maryam téh (nu ngedalkeun) cariosan anu bener. Tapi maranéhna (terus baé) ngarasa cangcaya ngeunaan éta (perkara téh).

مَا كَانَ لِلّٰهِ اَنْ يَّتَّخِذَ مِنْ وَّلَدٍ سُبْحٰنَهٗ ۗاِذَا قَضٰٓى اَمْرًا فَاِنَّمَا يَقُوْلُ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ ۗ٣٥
Mā kāna lillāhi ay yattakhiża miw waladin subḥānah(ū), iżā qaḍā amran fa innamā yaqūlu lahū kun fa yakūn(u).
[35] Henteu sapantesna Allah kagungan putra. Mahasuci Allah. Upami parantos netepkeun hiji perkara, Mantenna cekap ngadawuh, “jadi!” Nya jleg baé jadi.

وَاِنَّ اللّٰهَ رَبِّيْ وَرَبُّكُمْ فَاعْبُدُوْهُ ۗهٰذَا صِرَاطٌ مُّسْتَقِيْمٌ٣٦
Wa innallāha rabbī wa rabbukum fa‘budūh(u), hāżā ṣirāṭum mustaqīm(un).
[36] (Isa nyarios,) “Saleresna Allah téh Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun. Ku kituna, prak atuh geura ibadah ka Mantenna. Tah ieu jalan anu lempeng téh.”

فَاخْتَلَفَ الْاَحْزَابُ مِنْۢ بَيْنِهِمْۚ فَوَيْلٌ لِّلَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ مَّشْهَدِ يَوْمٍ عَظِيْمٍ٣٧
Fakhtalafal-aḥzābu mim bainihim, fa wailul lil-lażīna kafarū mim masyhadi yaumin ‘aẓīm(in).
[37] Tuluy golongan-golongan ti antara maranéhna (Yahudi jeung Nasrani) pada pasalia paham (ngeunaan Isa). Nya (ahirna mah) kacilakaan pikeun jalma-jalma kapir dina waktu nyaksian poé nu pohara hébatna (Kiamat).

اَسْمِعْ بِهِمْ وَاَبْصِرْۙ يَوْمَ يَأْتُوْنَنَا لٰكِنِ الظّٰلِمُوْنَ الْيَوْمَ فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٣٨
Asmi‘ bihim wa abṣir, yauma ya'tūnanā lākiniẓ-ẓālimūnal-yauma fī ḍalālim mubīn(in).
[38] (Bakal) kacida jelas pangdéngé maranéhna jeung kacida jelas panénjo maranéhna (engké) dina poéan maranéhna datang ka Kami. Tapi da jalma-jalma anu dolim mah dina danget ieu aya dina kasasaran anu nyata.

وَاَنْذِرْهُمْ يَوْمَ الْحَسْرَةِ اِذْ قُضِيَ الْاَمْرُۘ وَهُمْ فِيْ غَفْلَةٍ وَّهُمْ لَا يُؤْمِنُوْنَ٣٩
Wa anżirhum yaumal-ḥasrati iż quḍiyal-amr(u), wa hum fī gaflatiw wa hum lā yu'minūn(a).
[39] (Ku sabab kitu,) pék geura élingan maranéhna téh ku hidep (Muhammad) ngeunaan bakal datangna poé anu matak kaduhung (nyaéta Poé Kiamat), waktu diputuskeun sagala urusan, sedengkeun maranéhna aya dina kaayaan balangah jeung henteu iman.

اِنَّا نَحْنُ نَرِثُ الْاَرْضَ وَمَنْ عَلَيْهَا وَاِلَيْنَا يُرْجَعُوْنَ ࣖ٤٠
Innā naḥnu nariṡul-arḍa wa man ‘alaihā wa ilainā yurja‘ūn(a).
[40] Saenyana Kami anu bakal ngawaris bumi jeung nu aya di luhureunana. Maranéh ogé deui bakal dibalikkeun ka Kami.

وَاذْكُرْ فِى الْكِتٰبِ اِبْرٰهِيْمَ ەۗ اِنَّهٗ كَانَ صِدِّيْقًا نَّبِيًّا٤١
Ważkur fil-kitābi ibrāhīm(a), innahū kāna ṣiddīqan nabiyyā(n).
[41] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ngeunaan Ibrahim dina Kitab (Al-Qur’an). Sabenerna anjeunna téh jalmi nu bener kacida (tur saurang) nabi.

اِذْ قَالَ لِاَبِيْهِ يٰٓاَبَتِ لِمَ تَعْبُدُ مَا لَا يَسْمَعُ وَلَا يُبْصِرُ وَلَا يُغْنِيْ عَنْكَ شَيْـًٔا٤٢
Iż qāla li'abīhi yā abati lima ta‘budu mā lā yasma‘u wa lā yubṣiru wa lā yugnī ‘anka syai'ā(n).
[42] Waktu anjeunna nyarios ka ramana, “Nun bapa, naha bapa bet nyembah nu teu bisaeun ngadéngé, teu bisaeun nénjo, jeung teu bisaeun nulungan ka bapa saeutik ogé?

يٰٓاَبَتِ اِنِّيْ قَدْ جَاۤءَنِيْ مِنَ الْعِلْمِ مَا لَمْ يَأْتِكَ فَاتَّبِعْنِيْٓ اَهْدِكَ صِرَاطًا سَوِيًّا٤٣
Yā abati innī qad jā'anī minal-‘ilmi mā lam ya'tika fattabi‘nī ahdika ṣirāṭan sawiyyā(n).
[43] Nun bapa, seleresna abdi téh parantos kenging élmu anu henteu kantos katampi ku bapa. Kumargi kitu, pamugi bapa kersa tumut ka abdi. Abdi tangtos bakal nuduhkeun bapa kana jalan anu lempeng.

يٰٓاَبَتِ لَا تَعْبُدِ الشَّيْطٰنَۗ اِنَّ الشَّيْطٰنَ كَانَ لِلرَّحْمٰنِ عَصِيًّا٤٤
Yā abati lā ta‘budisy-syaiṭān(a), innasy-syaiṭāna kāna lir-raḥmāni ‘aṣiyyā(n).
[44] Nun bapa, poma bapa ulah rék nyembah sétan, margi saenyana sétan téh (mahluk anu) doraka ka (Pangéran) Nu Mahawelas.

يٰٓاَبَتِ اِنِّيْٓ اَخَافُ اَنْ يَّمَسَّكَ عَذَابٌ مِّنَ الرَّحْمٰنِ فَتَكُوْنَ لِلشَّيْطٰنِ وَلِيًّا٤٥
Yā abati innī akhāfu ay yamassaka ‘ażābum minar-raḥmāni fa takūna lisy-syaiṭāni waliyyā(n).
[45] Nun bapa, abdi téh seleresna kalintang hariwang sok bilih bapa katiban siksa ti (Pangéran) Nu Mahawelas, atuh engké bapa téh bakal janten baturna sétan.”

قَالَ اَرَاغِبٌ اَنْتَ عَنْ اٰلِهَتِيْ يٰٓاِبْرٰهِيْمُ ۚ لَىِٕنْ لَّمْ تَنْتَهِ لَاَرْجُمَنَّكَ وَاهْجُرْنِيْ مَلِيًّا٤٦
Qāla arāgibun anta ‘an ālihatī yā ibrāhīm(u), la'illam tantahi la'arjumannaka wahjurnī maliyyā(n).
[46] Ramana ngajawab, “Naha manéh bet geuleuh ka sesembahan kuring hé Ibrahim? Yeuh lamun manéh henteu eureun (nyawad sesembahan kuring), kuring bakal bener-bener ngarajam manéh, ku kituna jug (indit) salilana, tinggalkeun kuring!”

قَالَ سَلٰمٌ عَلَيْكَۚ سَاَسْتَغْفِرُ لَكَ رَبِّيْۗ اِنَّهٗ كَانَ بِيْ حَفِيًّا٤٧
Qāla salāmun ‘alaik(a), sa'astagfiru laka rabbī, innahū kāna bī ḥafiyyā(n).
[47] Ibrahim ngawaler, “Mugia bapa kénging kaselametan. Abdi bakal nyuhunkeun pangapunten kanggo bapa ka Pangéran abdi. Saleresna Mantenna téh ka abdi mah kalintang bageurna.

وَاَعْتَزِلُكُمْ وَمَا تَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَاَدْعُوْا رَبِّيْۖ عَسٰٓى اَلَّآ اَكُوْنَ بِدُعَاۤءِ رَبِّيْ شَقِيًّا٤٨
Wa a‘tazilukum wa mā tad‘ūna min dūnillāhi wa ad‘ū rabbī, ‘asā allā akūna bidu‘ā'i rabbī syaqiyyā(n).
[48] Tah ayeuna mah abdi badé (mios) ngatunkeun aranjeun sareng sagala naon nu sok disarembah ku arajeun salian ti Allah, sareng abdi badé ngadoa ka Pangéran abdi, mugi-mugi abdi henteu kuciwa dina ngadoa ka Pangéran abdi.”

فَلَمَّا اعْتَزَلَهُمْ وَمَا يَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ ۙوَهَبْنَا لَهٗٓ اِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَۗ وَكُلًّا جَعَلْنَا نَبِيًّا٤٩
Falamma‘tazalahum wa mā ya‘budūna min dūnillāh(i), wahabnā lahū isḥāqa wa ya‘qūb(a), wa kullan ja‘alnā nabiyyā(n).
[49] Nya sanggeusna Ibrahim (indit) ninggalkeun maranéhna jeung naon-naon nu sok disembah ku manéhna salian ti Allah, Kami maparin ka anjeunna Ishaq jeung Ya’qub. Duanana Kami angkat jadi nabi.

وَوَهَبْنَا لَهُمْ مِّنْ رَّحْمَتِنَا وَجَعَلْنَا لَهُمْ لِسَانَ صِدْقٍ عَلِيًّا ࣖ٥٠
Wa wahabnā lahum mir raḥmatinā wa ja‘alnā lahum lisāna ṣidqin ‘aliyyā(n).
[50] Kami geus maparinkeun ka aranjeunna sabagian tina rahmat Kami jeung ngajadikeun aranjeunna bukur catur anu bener tur luhur.

وَاذْكُرْ فِى الْكِتٰبِ مُوْسٰٓىۖ اِنَّهٗ كَانَ مُخْلَصًا وَّكَانَ رَسُوْلًا نَّبِيًّا٥١
Ważkur fil-kitābi mūsā, innahū kāna mukhlaṣaw wa kāna rasūlan nabiyyā(n).
[51] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ngeunaan (kisah) Musa dina Kitab (Al-Qur’an). Saenyana anjeunna téh jalmi anu pinilih, rasul, tur nabi.

وَنَادَيْنٰهُ مِنْ جَانِبِ الطُّوْرِ الْاَيْمَنِ وَقَرَّبْنٰهُ نَجِيًّا٥٢
Wa nādaināhu min jānibiṭ-ṭūril-aimani wa qarrabnāhu najiyyā(n).
[52] Kami geus ngageroan anjeunna ti sabeulah katuhueun (Gunung) Tur (Sinéi) jeung geus ngadeukeutkeun anjeunna waktu keur munajat (ka Kami).

وَوَهَبْنَا لَهٗ مِنْ رَّحْمَتِنَآ اَخَاهُ هٰرُوْنَ نَبِيًّا٥٣
Wa wahabnā lahū mir raḥmatinā akhāhu hārūna nabiyyā(n).
[53] Kami ogé geus maparin sabagian tina rahmat Kami ka anjeunna, wiréhna dulurna, nyaéta Harun, jadi nabi.

وَاذْكُرْ فِى الْكِتٰبِ اِسْمٰعِيْلَ ۖاِنَّهٗ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلًا نَّبِيًّا ۚ٥٤
Ważkur fil-kitābi ismā‘īl(a), innahū kāna ṣādiqal-wa‘di wa kāna rasūlan nabiyyā(n).
[54] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ngeunaan (kisah) Isma’il dina Kitab (Al-Qur’an). Saenyana anjeunna téh jalma anu bener jangjina, ogé rasul jeung nabi.

وَكَانَ يَأْمُرُ اَهْلَهٗ بِالصَّلٰوةِ وَالزَّكٰوةِۖ وَكَانَ عِنْدَ رَبِّهٖ مَرْضِيًّا٥٥
Wa kāna ya'muru ahlahū biṣ-ṣalāti waz-zakāh(ti), wa kāna ‘inda rabbihī marḍiyyā(n).
[55] Anjeunna meréntahkeun ka kulawargana 555 sangkan (ngadegkeun) salat jeung (ngaluarkeun) jakat. Anjeunna téh jalma anu dipikarido ku Pangéranana.
555) Ceuk sabagian ahli tapsir, nu dimaksud kulawarga di dieu téh nyaéta umatna.

وَاذْكُرْ فِى الْكِتٰبِ اِدْرِيْسَۖ اِنَّهٗ كَانَ صِدِّيْقًا نَّبِيًّا ۙ٥٦
Ważkur fil-kitābi idrīs(a), innahū kāna ṣādiqan nabiyyā(n).
[56] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ngeunaan (kisah) Idris dina Kitab (Al-Qur’an). Saenyana anjeunna téh jalma nu pohara benerna (tur saurang) nabi.

وَّرَفَعْنٰهُ مَكَانًا عَلِيًّا٥٧
Wa rafa‘nāhu makānan ‘aliyyā(n).
[57] Kami geus ngangkat anjeunna dina martabat anu luhur.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ اَنْعَمَ اللّٰهُ عَلَيْهِمْ مِّنَ النَّبِيّٖنَ مِنْ ذُرِّيَّةِ اٰدَمَ وَمِمَّنْ حَمَلْنَا مَعَ نُوْحٍۖ وَّمِنْ ذُرِّيَّةِ اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْرَاۤءِيْلَ ۖوَمِمَّنْ هَدَيْنَا وَاجْتَبَيْنَاۗ اِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُ الرَّحْمٰنِ خَرُّوْا سُجَّدًا وَّبُكِيًّا ۩٥٨
Ulā'ikal-lażīna an‘amallāhu ‘alaihim minan-nabiyyīna min żurriyyati ādama wa mimman ḥamalnā ma‘a nūḥ(in), wa min żurriyyati ibrāhīma wa isrā'īl(a), wa mimman hadainā wajtabainā, iżā tutlā ‘alaihim āyātur-raḥmāni kharrū sujjadaw wa bukiyyā(n).
[58] Tah éta kabéhanana téh jalma-jalma anu geus dipaparinan ni’mat ku Allah ti golongan para nabi ti turunan Adam, ti antara jalma-jalma anu ku Kami geus diangkut (dina parahu) bareng jeung Nuh, ti turunan Ibrahim jeung Israél (Ya’qub), jeung ti sabagian jalma anu geus dibéré pituduh jeung dipilih ku Kami. Lamun seug dibacakeun ka aranjeunna ayat-ayat (Pangéran) Nu Mahaasih, aranjeunna nyu’uh sujud bari ceurik.

۞ فَخَلَفَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ خَلْفٌ اَضَاعُوا الصَّلٰوةَ وَاتَّبَعُوا الشَّهَوٰتِ فَسَوْفَ يَلْقَوْنَ غَيًّا ۙ٥٩
Fa khalafa mim ba‘dihim khalfun aḍā‘uṣ-ṣalāta wattaba‘usy-syahawāti fa saufa yalqauna gayyā(n).
[59] Tuluy datang sanggeusna aranjeunna, gagantina anu sok ngalalaworakeun salat jeung sok ngalajur napsu, mangka maranéhna téh bakal kasarung,

اِلَّا مَنْ تَابَ وَاٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا فَاُولٰۤىِٕكَ يَدْخُلُوْنَ الْجَنَّةَ وَلَا يُظْلَمُوْنَ شَيْـًٔا ۙ٦٠
Illā man tāba wa āmana wa ‘amila ṣāliḥan fa ulā'ika yadkhulūnal-jannata wa lā yuẓlamūna syai'ā(n).
[60] kajaba jalma anu tobat, tur iman, jeung milampah kahadéan. Tah nu kitu mah bakal asup ka sawarga sarta moal didolim (dirugikeun) sautik ogé,

جَنّٰتِ عَدْنِ ِۨالَّتِيْ وَعَدَ الرَّحْمٰنُ عِبَادَهٗ بِالْغَيْبِۗ اِنَّهٗ كَانَ وَعْدُهٗ مَأْتِيًّا٦١
Jannāti ‘adninil-latī wa‘adar-raḥmānu ‘ibādahū bil-gaib(i), innahū kāna wa‘duhū ma'tiyyā(n).
[61] nyaéta sawarga Aden anu dijangjikeun ku (Pangéran) Nu Mahawelas ka hamba-hamba-Na, sok sanajan (éta sawarga téh) gaib. Saenyana jangji Mantenna mah pasti datangna.

لَا يَسْمَعُوْنَ فِيْهَا لَغْوًا اِلَّا سَلٰمًاۗ وَلَهُمْ رِزْقُهُمْ فِيْهَا بُكْرَةً وَّعَشِيًّا٦٢
Lā yasma‘ūna fīhā lagwan illā salāmā(n), wa lahum rizquhum fīhā bukrataw wa ‘asyiyyā(n).
[62] Aranjeunna di éta sawarga moal nguping omong kosong, iwal ti (kecap) “Sālām”, sareng aranjeunna kénging rejeki di éta sawarga saban isuk sareng soré.

تِلْكَ الْجَنَّةُ الَّتِيْ نُوْرِثُ مِنْ عِبَادِنَا مَنْ كَانَ تَقِيًّا٦٣
Tilkal-jannatul-latī nūriṡu min ‘ibādinā man kāna taqiyyā(n).
[63] Tah éta téh sawarga anu bakal diwariskeun ku Kami ka saha baé ti antara hamba-hamba Kami anu takwa.

وَمَا نَتَنَزَّلُ اِلَّا بِاَمْرِ رَبِّكَۚ لَهٗ مَا بَيْنَ اَيْدِيْنَا وَمَا خَلْفَنَا وَمَا بَيْنَ ذٰلِكَ وَمَا كَانَ رَبُّكَ نَسِيًّا ۚ٦٤
Wa mā natanazzalu illā bi'amri rabbik(a), lahū mā baina aidīnā wa mā khalfanā wa mā baina żālika wa mā kāna rabbuka nasiyyā(n).
[64] Kami (Jibril) teu pati-pati turun anging kalayan paréntah Pangéran hidep (Muhammad). Kagungan Mantenna sadaya nu aya di payuneun sareng di pengkereun kami, ogé anu aya di antarana. Pangéran hidep (Muhammad) moal poho (saeutik ogé).

رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا فَاعْبُدْهُ وَاصْطَبِرْ لِعِبَادَتِهٖۗ هَلْ تَعْلَمُ لَهٗ سَمِيًّا ࣖ٦٥
Rabbus-samāwāti wal-arḍi wa mā bainahumā fa‘budhu waṣṭabir li‘ibādatih(ī), hal ta‘lamu lahū samiyyā(n).
[65] (Mantenna téh) Pangéran (anu ngawasa) langit sareng bumi sareng nu aya di antarana. Ku sabab kitu, hidep (Muhammad) kudu nyembah ka Mantenna ogé kudu sabar dina ibadah ka Mantenna. Naha hidep uninga kitu aya (nu séjén) anu sabanding sareng Mantenna?

وَيَقُوْلُ الْاِنْسَانُ ءَاِذَا مَا مِتُّ لَسَوْفَ اُخْرَجُ حَيًّا٦٦
Wa yaqūlul-insānu a'iżā mā mittu lasaufa ukhraju ḥayyā(n).
[66] Jalma (kapir) ngomong, “Naha bener kitu lamun geus maot, kuring bakal dihudangkeun deui dina kaayaan hirup?”

اَوَلَا يَذْكُرُ الْاِنْسَانُ اَنَّا خَلَقْنٰهُ مِنْ قَبْلُ وَلَمْ يَكُ شَيْـًٔا٦٧
Awalā yażkurul-insānu annā khalaqnāhu min qablu wa lam yaku syai'ā(n).
[67] Naha éta manusa henteu inget kitu yén saenyana Kami geus nyiptakeun manéhna, padahal manéhna (waktu harita) can aya sama sakali?

فَوَرَبِّكَ لَنَحْشُرَنَّهُمْ وَالشَّيٰطِيْنَ ثُمَّ لَنُحْضِرَنَّهُمْ حَوْلَ جَهَنَّمَ جِثِيًّا٦٨
Fa wa rabbika lanaḥsyurannahum wasy-syayāṭīna ṡumma lanuḥḍirannahum ḥaula jahannama jiṡiyyā(n).
[68] Demi Pangéran hidep (Muhammad), saenyana Kami pasti bakal ngumpulkeun maranéhna jeung sétan-sétan, tuluy Kami bakal ngahadirkeun maranéhna di sabudeureun naraka Jahanam bari dareku.

ثُمَّ لَنَنْزِعَنَّ مِنْ كُلِّ شِيْعَةٍ اَيُّهُمْ اَشَدُّ عَلَى الرَّحْمٰنِ عِتِيًّا ۚ٦٩
Ṡumma lananzi‘anna min kulli syī‘atin ayyuhum asyaddu ‘alar-raḥmāni ‘itiyyā(n).
[69] Tuluy Kami pasti bakal ngadudut ti unggal-unggal golongan saha baé anu paling doraka ka (Pangéran) Nu Mahaasih.

ثُمَّ لَنَحْنُ اَعْلَمُ بِالَّذِيْنَ هُمْ اَوْلٰى بِهَا صِلِيًّا٧٠
Ṡumma lanaḥnu a‘lamu bil-lażīna hum aulā bihā ṣiliyyā(n).
[70] Terus Kami pasti leuwih nyaho ka jalma-jalma anu pantes digebruskeun ka dinya (naraka Jahanam).

وَاِنْ مِّنْكُمْ اِلَّا وَارِدُهَا ۚ كَانَ عَلٰى رَبِّكَ حَتْمًا مَّقْضِيًّا ۚ٧١
Wa im minkum illā wāriduhā, kāna ‘alā rabbika ḥatmam maqḍiyyā(n).
[71] Moal aya saurang ogé ti antara maranéh, anging bakal nyimpang heula ka naraka. Éta téh kanggo Pangéran hidep (Muhammad) mah geus jadi kaputusan anu geus ditetepkeun.

ثُمَّ نُنَجِّى الَّذِيْنَ اتَّقَوْا وَّنَذَرُ الظّٰلِمِيْنَ فِيْهَا جِثِيًّا٧٢
Ṡumma nunajjil-lażīnattaqau wa nażaruẓ-ẓālimīna fīhā jiṡiyyā(n).
[72] Tuluy Kami bakal nyalametkeun jalma-jalma anu takwa jeung ngantep jalma-jalma anu dolim tetep dareku di jero naraka.

وَاِذَا تُتْلٰى عَلَيْهِمْ اٰيٰتُنَا بَيِّنٰتٍ قَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِلَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓاۙ اَيُّ الْفَرِيْقَيْنِ خَيْرٌ مَّقَامًا وَّاَحْسَنُ نَدِيًّا٧٣
Wa iżā tutlā ‘alaihim āyātunā bayyinātin qālal-lażīna kafarū lil-lażīna āmanū, ayyul-farīqaini khairum maqāmaw wa aḥsanu nadiyyā(n).
[73] Lamun seug ieu ayat-ayat Kami anu jelas dibacakeun ka maranéhna, ana pok téh jalma-jalma anu kupur ngomong ka jalma-jalma anu iman, “Cing saha ti antara dua golongan ieu anu leuwih hadé padumukanana jeung leuwih alus tempat masamoanana?”

وَكَمْ اَهْلَكْنَا قَبْلَهُمْ مِّنْ قَرْنٍ هُمْ اَحْسَنُ اَثَاثًا وَّرِءْيًا٧٤
Wa kam ahlaknā qablahum min qarnin hum aḥsanu aṡāṡaw wa ri'yā(n).
[74] (Padahal) geus kacida lobana umat manusa saméméh maranéhna anu geus dibinasakeun ku Kami, padahal maranéhna téh leuwih alus parabot rumah tanggana sarta leuwih hadé katingalina.

قُلْ مَنْ كَانَ فِى الضَّلٰلَةِ فَلْيَمْدُدْ لَهُ الرَّحْمٰنُ مَدًّا ەۚ حَتّٰىٓ اِذَا رَاَوْا مَا يُوْعَدُوْنَ اِمَّا الْعَذَابَ وَاِمَّا السَّاعَةَ ۗفَسَيَعْلَمُوْنَ مَنْ هُوَ شَرٌّ مَّكَانًا وَّاَضْعَفُ جُنْدًا٧٥
Qul man kāna fiḍ-ḍalālati falyamdud lahur-raḥmānu maddā(n), ḥattā iżā ra'au mā yū‘adūna immal-‘ażāba wa immas-sā‘ata fa saya‘lamūna man huwa syarrum makānaw wa aḍ‘afu jundā(n).
[75] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saha baé anu sasar, nya mudah-mudahan baé (Pangéran) Nu Mahawelas manjangkeun (umur)-na, nepi ka maranéhna (bisa) nénjo kana naon nu diancamkeun ka maranéhna, boh siksaan boh Kiamat. Nya (harita) maranéhna pasti bakal nyaho saha anu leuwih goréng padumukanana jeung leuwih héngkér baladna.”

وَيَزِيْدُ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اهْتَدَوْا هُدًىۗ وَالْبٰقِيٰتُ الصّٰلِحٰتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ مَّرَدًّا٧٦
Wa yazīdullāhul-lażīnahtadau hudā(n), wal-bāqiyātuṣ-ṣāliḥātu khairun ‘inda rabbika ṡawābaw wa khairum maraddā(n).
[76] Allah bakal nambahan hidayah ka jalma-jalma anu geus meunang hidayah. Amal soléh anu langgeng téh mungguh Pangéran hidep mah leuwih hadé ganjaranana ogé leuwih hadé balukarna.

اَفَرَاَيْتَ الَّذِيْ كَفَرَ بِاٰيٰتِنَا وَقَالَ لَاُوْتَيَنَّ مَالًا وَّوَلَدًا ۗ٧٧
Afa ra'aital-lażī kafara bi'āyātinā wa qāla la'ūtayanna mālaw wa waladā(n).
[77] Naha hidep (Muhammad) kungsi niténan jalma anu ingkar kana ayat-ayat Kami, tuluy manéhna ngomong, “Kuring pasti bakal dibéré harta kakayaan jeung anak (anu loba).”

اَطَّلَعَ الْغَيْبَ اَمِ اتَّخَذَ عِنْدَ الرَّحْمٰنِ عَهْدًا ۙ٧٨
Aṭṭala‘al-gaiba amittakhaża ‘indar-raḥmāni ‘ahdā(n).
[78] Naha manéhna téh bisa ningali perkara nu gaib kitu, atawa manéhna téh geus nyieun jangji pasini sareng (Pangéran) Nu Mahawelas?

كَلَّا ۗسَنَكْتُبُ مَا يَقُوْلُ وَنَمُدُّ لَهٗ مِنَ الْعَذَابِ مَدًّا ۙ٧٩
Kallā, sanaktubu mā yaqūlu wa namuddu lahū minal-‘ażābi maddā(n).
[79] (Anu sabenerna mah) lain kitu! Kami bakal catet naon nu diomongkeun ku manéhna jeung Kami bakal ngaganggayong manéhna dina siksaan anu kacida lilana.

وَّنَرِثُهٗ مَا يَقُوْلُ وَيَأْتِيْنَا فَرْدًا٨٠
Wa nariṡuhū mā yaqūlu wa ya'tīnā fardā(n).
[80] Tuluy Kami bakal ngawaris sagala anu kungsi diomongkeun ku manéhna, jeung manéhna bakal datang nyorangan ka Kami. 556
556) Maksudna: Allah bakal nyandak sakabéh harta tur anak nu kungsi kapibanda ku manéhna, nya manéhna téh mulang ka Allah sosoranganan teu dibaturan ku sasaha baé ogé.

وَاتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ اٰلِهَةً لِّيَكُوْنُوْا لَهُمْ عِزًّا ۙ٨١
Wattakhażū min dūnillāhi ālihatal liyakūnū lahum ‘izzā(n).
[81] Maranéhna téh geus ngajadikeun pangéran-pangéran salian ti Allah, (anu maksudna) sangkan éta (pangéran-pangéran) téh jadi panyalindungan keur maranéhna.

كَلَّا ۗسَيَكْفُرُوْنَ بِعِبَادَتِهِمْ وَيَكُوْنُوْنَ عَلَيْهِمْ ضِدًّا ࣖ٨٢
Kallā, sayakfurūna bi‘ibādatihim wa yakūnūna ‘alaihim ḍiddā(n).
[82] (Anu sabenerna mah) lain kitu! Éta (pangéran-pangéran) téh bakal ingkar kana ibadah maranéhna, malah éta (pangéran-pangéran) téh bakal (malik) jadi musuh maranéhna.

اَلَمْ تَرَ اَنَّآ اَرْسَلْنَا الشَّيٰطِيْنَ عَلَى الْكٰفِرِيْنَ تَؤُزُّهُمْ اَزًّا ۙ٨٣
Alam tara annā arsalnasy-syayāṭīna ‘alal-kāfirīna ta'uzzuhum azzā(n).
[83] Naha hidep (Muhammad) henteu niténan kitu yén Kami geus ngutus sétan-sétan ka jalma-jalma kapir pikeun ngagoda maranéhna kalayan sabener-benerna (kana ma’siat)?

فَلَا تَعْجَلْ عَلَيْهِمْۗ اِنَّمَا نَعُدُّ لَهُمْ عَدًّا ۗ٨٤
Falā ta‘jal ‘alaihim, innamā na‘uddu lahum ‘addā(n).
[84] Ku kituna, hidep (Muhammad) ulah rék buru-buru (ménta siksa) keur maranéhna, lantaran saenyana Kami geus ngitung kalayan taliti (iraha datangna éta siksa) pikeun maranéhna.

يَوْمَ نَحْشُرُ الْمُتَّقِيْنَ اِلَى الرَّحْمٰنِ وَفْدًا٨٥
Yauma naḥsyurul-muttaqīna ilar-raḥmāni wafdā(n).
[85] (Nyaéta) poéan (waktu) Kami ngumpulkeun jalma-jalma anu takwa ka (Pangéran) Nu Mahawelas, kalayan (lir ibarat) kapilah anu dipikahormat.

وَنَسُوْقُ الْمُجْرِمِيْنَ اِلٰى جَهَنَّمَ وِرْدًا ۘ٨٦
Wa nasūqul-mujrimīna ilā jahannama wirdā(n).
[86] Kami ngagiring jalma-jalma anu doraka ka naraka Jahanam dina kaayaan hanaang.

لَا يَمْلِكُوْنَ الشَّفَاعَةَ اِلَّا مَنِ اتَّخَذَ عِنْدَ الرَّحْمٰنِ عَهْدًا ۘ٨٧
Lā yamlikūnasy-syafā‘ata illā manittakhaża ‘indar-raḥmāni ‘ahdā(n).
[87] Maranéhna moal meunang sapa’at (pitulung) kajaba jalma anu geus nyieun jangji pasini sareng (Pangéran) Nu Mahawelas 557
557) Maksudna nyieun jangji pasini sareng Allah téh nyaéta ngalaksanakeun sadaya paréntah-Na kalayan iman jeung takwa.

وَقَالُوا اتَّخَذَ الرَّحْمٰنُ وَلَدًا ۗ٨٨
Wa qāluttakhażar-raḥmānu waladā(n).
[88] Maranéhna (jalma-jalma kapir) ngomong, “(Pangéran) Nu Mahawelas téh kagungan putra.”

لَقَدْ جِئْتُمْ شَيْـًٔا اِدًّا ۙ٨٩
Laqad ji'tum syai'an iddā(n).
[89] Saenyana maranéhna téh geus ngadatangkeun hiji hal (carita) nu kacida mungkarna.

تَكَادُ السَّمٰوٰتُ يَتَفَطَّرْنَ مِنْهُ وَتَنْشَقُّ الْاَرْضُ وَتَخِرُّ الْجِبَالُ هَدًّا ۙ٩٠
Takādus-samāwātu yatafaṭṭarna minhu wa tansyaqqul-arḍu wa takhirrul-jibālu haddā(n).
[90] Ampir baé langit bencar, bumi bejad, (jeung) gunung-gunung runtuh

اَنْ دَعَوْا لِلرَّحْمٰنِ وَلَدًا ۚ٩١
An da‘au lir-raḥmāni waladā(n).
[91] lantaran maranéhna (jalma-jalma kapir) nyebutkeun yén (Pangéran) Nu Mahawelas kagungan putra.

وَمَا يَنْۢبَغِيْ لِلرَّحْمٰنِ اَنْ يَّتَّخِذَ وَلَدًا ۗ٩٢
Wa mā yambagī lir-raḥmāni ay yattakhiża waladā(n).
[92] Henteu sapantesna (Pangéran) Nu Mahawelas téh kagungan putra.

اِنْ كُلُّ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ اِلَّآ اٰتِى الرَّحْمٰنِ عَبْدًا ۗ٩٣
In kullu man fis-samāwāti wal-arḍi illā ātir-raḥmāni ‘abdā(n).
[93] (Apan) teu aya hiji mahluk ogé di langit atawa di bumi, kajaba bakal datang ka (Pangéran) Nu Mahawelas salaku hamba.

لَقَدْ اَحْصٰىهُمْ وَعَدَّهُمْ عَدًّا ۗ٩٤
Laqad aḥṣāhum wa ‘addahum ‘addā(n).
[94] Saenyana Mantenna (Allah) geus nangtukeun jumlah maranéhna jeung ngitung-ngitung maranéhna ku itungan anu taliti.

وَكُلُّهُمْ اٰتِيْهِ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فَرْدًا٩٥
Wa kulluhum ātīhi yaumal-qiyāmati fardā(n).
[95] Kabéh bakal datang ka Mantenna dina Poé Kiamat saurang-saurang.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ سَيَجْعَلُ لَهُمُ الرَّحْمٰنُ وُدًّا٩٦
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti sayaj‘alu lahumur-raḥmānu wuddā(n).
[96] Saenyana jalma-jalma anu iman tur milampah amal soléh, Allah bakal neundeun rasa deudeuh (dina haté aranjeunna).

فَاِنَّمَا يَسَّرْنٰهُ بِلِسَانِكَ لِتُبَشِّرَ بِهِ الْمُتَّقِيْنَ وَتُنْذِرَ بِهٖ قَوْمًا لُّدًّا٩٧
Fa innamā yassarnāhu bilisānika litubasysyira bihil-muttaqīna wa tunżira bihī qaumal luddā(n).
[97] Sabenerna Kami geus méré gampang éta (Al-Qur’an ku) maké basa hidep (Muhammad), sangkan hidep (bisa) méré béja hadé ku éta (Al-Qur’an) ka jalma-jalma anu takwa, ogé méré pépéling ku éta (Al-Qur’an) ka kaom anu mantangul.

وَكَمْ اَهْلَكْنَا قَبْلَهُمْ مِّنْ قَرْنٍۗ هَلْ تُحِسُّ مِنْهُمْ مِّنْ اَحَدٍ اَوْ تَسْمَعُ لَهُمْ رِكْزًا ࣖ٩٨
Wa kam ahlaknā qablahum min qarn(in), hal tuḥissu minhum min aḥadin au tasma‘u lahum rikzā(n).
[98] Geus kacida lobana umat manusa saméméh maranéhna anu geus dibinasakeun ku Kami. Naha kungsi kitu hidep (Muhammad) ningali salah saurang ti maranéhna, atawa hawar-hawar ngadéngé haréwosan maranéhna?