Surah Al-Kahf

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ عَلٰى عَبْدِهِ الْكِتٰبَ وَلَمْ يَجْعَلْ لَّهٗ عِوَجًا ۜ١
Al-ḥamdu lillāhil-lażī anzala ‘alā ‘abdihil-kitāba wa lam yaj‘al lahū ‘iwajā(n).
[1] Sadaya puji kagungan Allah anu geus nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hamba-Na, sareng Mantenna teu ngajadikeun éta (Kitab téh) béngkok. 542
542) Teu aya dina jero Al-Qur'an mah ma’na anu patojaiah ogé anu méngkol tina bebeneran.

قَيِّمًا لِّيُنْذِرَ بَأْسًا شَدِيْدًا مِّنْ لَّدُنْهُ وَيُبَشِّرَ الْمُؤْمِنِيْنَ الَّذِيْنَ يَعْمَلُوْنَ الصّٰلِحٰتِ اَنَّ لَهُمْ اَجْرًا حَسَنًاۙ٢
Qayyimal liyunżira ba'san syadīdam mil ladunhu wa yubasysyiral-mu'minīnal-lażīna ya‘malūnaṣ-ṣāliḥāti anna lahum ajran ḥasanā(n).
[2] (Mantenna nurunkeun Al-Qur’an) minangka anu nuntun (kana jalan nu lempeng) sangkan Mantenna maparin pépéling kana ayana siksan anu kacida peurihna ti mungguhing Mantenna (ka jalma-jalma kapir), sarta maparin pangbubungah ka jalma-jalma anu iman anu sok milampah amal-amal soléh yén sabenerna keur aranjeunna téh ganjaran anu hadé (sawarga).

مّٰكِثِيْنَ فِيْهِ اَبَدًاۙ٣
Mākiṡīna fīhi abadā(n).
[3] Aranjeunna bakal langgeng matuh di dinya (surga) salalawasna.

وَّيُنْذِرَ الَّذِيْنَ قَالُوا اتَّخَذَ اللّٰهُ وَلَدًاۖ٤
Wa yunżiral-lażīna qāluttakhażallāhu waladā(n).
[4] (Mantenna nurunkeun Al-Qur’an ogé) pikeun maparin pépéling ka jalma-jalma anu ngomong, “Allah téh kagungan putra.”

مَّا لَهُمْ بِهٖ مِنْ عِلْمٍ وَّلَا لِاٰبَاۤىِٕهِمْۗ كَبُرَتْ كَلِمَةً تَخْرُجُ مِنْ اَفْوَاهِهِمْۗ اِنْ يَّقُوْلُوْنَ اِلَّا كَذِبًا٥
Mā lahum bihī min ‘ilmiw wa lā li'ābā'ihim, kaburat kalimatan takhruju min afwāhihim, iy yaqūlūna illā każibā(n).
[5] Maranéhna teu pisan-pisan ngabogaan élmu ngeunaan hal éta, nya kitu deui karuhun-karuhun maranéhna. Kacida gedé (rahulna) ucapan anu kaluar tina sungut-sungutna téh. Maranéhna teu ngomong (ngeunaan ieu perkara) iwal ti bohong.

فَلَعَلَّكَ بَاخِعٌ نَّفْسَكَ عَلٰٓى اٰثَارِهِمْ اِنْ لَّمْ يُؤْمِنُوْا بِهٰذَا الْحَدِيْثِ اَسَفًا٦
Fa la‘allaka bākhi‘un nafsaka ‘alā āṡārihim illam yu'minū bihāżal-ḥadīṡi asafā(n).
[6] Bisa jadi hidep (Muhammad) rék nyiksa ka diri sorangan alatan handeueul sanggeus maranéhna ngabalieur, lamun seug téa mah maranéhna téh (tetep) teu (daékeun) iman kana ieu katerangan (Al-Qur’an)

اِنَّا جَعَلْنَا مَا عَلَى الْاَرْضِ زِيْنَةً لَّهَا لِنَبْلُوَهُمْ اَيُّهُمْ اَحْسَنُ عَمَلًا٧
Innā ja‘alnā mā ‘alal-arḍi zīnatal lahā linabluwahum ayyuhum aḥsanu ‘amalā(n).
[7] Saenyana Kami geus ngajadikeun naon anu aya di luhureun bumi téh papaés keur éta (bumi), sangkan Kami nguji ka maranéhna saha ti antara maranéhna anu panghadé-hadéna amal.

وَاِنَّا لَجٰعِلُوْنَ مَا عَلَيْهَا صَعِيْدًا جُرُزًاۗ٨
Wa innā lajā‘ilūna mā ‘alaihā ṣa‘īdan juruzā(n).
[8] Saenyana Kami bener-bener bakal ngajadikeun ogé naon nu aya di luhureun bumi téh (balik deui jadi) taneuh garing tur angar.

اَمْ حَسِبْتَ اَنَّ اَصْحٰبَ الْكَهْفِ وَالرَّقِيْمِ كَانُوْا مِنْ اٰيٰتِنَا عَجَبًا٩
Am ḥasibta anna aṣḥābal-kahfi war-raqīmi kānū min āyātinā ‘ajabā(n).
[9] Naha hidep nyangka yén saenyana Ashabul Kahfi (jalma-jalma pangeusi guha) jeung al-Raqīm 543 téh kaasup tanda-tanda (kakawasaan) Kami anu ahéng?
543) Ceuk sawatara ahli tapsir al-Raqīm téh ngaran anjingna Ashabul Kahfi, sedengkeun ceuk sawaréhna deui mah batu anu aya tutulisanana.

اِذْ اَوَى الْفِتْيَةُ اِلَى الْكَهْفِ فَقَالُوْا رَبَّنَآ اٰتِنَا مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً وَّهَيِّئْ لَنَا مِنْ اَمْرِنَا رَشَدًا١٠
Iż awal-fityatu ilal-kahfi fa qālū rabbanā ātinā mil ladunka raḥmataw wa hayyi' lanā min amrinā rasyadā(n).
[10] Nalika sawatara pamuda nyalindung di jero guha tuluy maranéhna ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, paparin abdi sadaya rahmat ti mungguhing Gusti, sareng pasihan abdi sadaya pituduh (jalan kaluar) tina ieu urusan abdi sadaya.”

فَضَرَبْنَا عَلٰٓى اٰذَانِهِمْ فِى الْكَهْفِ سِنِيْنَ عَدَدًاۙ١١
Faḍarabnā ‘alā āżānihim fil-kahfi sinīna ‘adadā(n).
[11] Tuluy Kami nutupan ceuli (nibrakeun saré) aranjeunna dina jero éta guha sababaraha taun (lilana). 544
544) Nu dimaksud dua golongan téh nyaéta Ashabul Kahfi (pamuda-pamuda pangeusi guha) anu pada-pada béda pamadegan ngeunaan sabaraha lilana maranéhna cicing dina jero guha.

ثُمَّ بَعَثْنٰهُمْ لِنَعْلَمَ اَيُّ الْحِزْبَيْنِ اَحْصٰى لِمَا لَبِثُوْٓا اَمَدًا ࣖ١٢
Ṡumma ba‘aṡnāhum lina‘lama ayyul-ḥizbaini aḥṣā limā labiṡū amadā(n).
[12] Tuluy Kami ngahudangkeun deui aranjeunna sangkan Kami nyaho mana ti antara dua golongan 545 anu paling pas ngitung sabaraha lila aranjeunna cicing (dina jero guha) téh.
545) Nu dimaksud dua golongan téh nyaéta Ashabul Kahfi (pamuda-pamuda pangeusi guha) anu pada-pada béda pamadegan ngeunaan sabaraha lilana maranéhna cicing dina jero guha.

نَحْنُ نَقُصُّ عَلَيْكَ نَبَاَهُمْ بِالْحَقِّۗ اِنَّهُمْ فِتْيَةٌ اٰمَنُوْا بِرَبِّهِمْ وَزِدْنٰهُمْ هُدًىۖ١٣
Naḥnu naquṣṣu ‘alaika naba'ahum bil-ḥaqq(i), innahum fityatun āmanū birabbihim wa zidnāhum hudā(n).
[13] Kami nyaritakeun ka hidep (Muhammad) carita aranjeunna téh kalayan sabenerna. Saenyana mah aranjeunna téh pamuda-pamuda anu iman ka Pangéranana, sarta Kami tambah pituduh keur aranjeunna.

وَّرَبَطْنَا عَلٰى قُلُوْبِهِمْ اِذْ قَامُوْا فَقَالُوْا رَبُّنَا رَبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ لَنْ نَّدْعُوَا۟ مِنْ دُوْنِهٖٓ اِلٰهًا لَّقَدْ قُلْنَآ اِذًا شَطَطًا١٤
Wa rabaṭnā ‘alā qulūbihim iż qāmū fa qālū rabbunā rabbus-samāwāti wal-arḍi lan nad‘uwa min dūnihī ilāhal laqad qulnā iżan syaṭaṭā(n).
[14] Kami geus mengkuhkeun haté aranjeunna waktu nangtung 546 tuluy nyarita, “Pangéran kuring saréréa téh (nyaéta) Pangéran langit jeung bumi. Kuring saréréa moal rék ngadoa ka pangéran salian ti ka Mantenna, (sabab upami kitu) saenyana
546) Nangtung hareupeun Raja Dikyanus anu dolim tur adigung adiguna.

هٰٓؤُلَاۤءِ قَوْمُنَا اتَّخَذُوْا مِنْ دُوْنِهٖٓ اٰلِهَةًۗ لَوْلَا يَأْتُوْنَ عَلَيْهِمْ بِسُلْطٰنٍۢ بَيِّنٍۗ فَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًاۗ١٥
Hā'ulā'i qaumunattakhażū min dūnihī ālihah(tan), lau lā ya'tūna ‘alaihim bisulṭānim bayyin(in), faman aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każibā(n).
[15] Tah éta kaom urang saréréa anu geus ngajadikeun pangéran-pangéran salian ti Mantenna (Allah). Naha atuh maranéhna henteu (bisa) mére alesan anu jelas ngeunaan éta (pangéran-pangéran salian ti Allah). Saha deui atuh anu leuwih dolim tibatan jalma anu sok jijieunan bohong ka Allah.”

وَاِذِ اعْتَزَلْتُمُوْهُمْ وَمَا يَعْبُدُوْنَ اِلَّا اللّٰهَ فَأْوٗٓا اِلَى الْكَهْفِ يَنْشُرْ لَكُمْ رَبُّكُمْ مِّنْ رَّحْمَتِهٖ وَيُهَيِّئْ لَكُمْ مِّنْ اَمْرِكُمْ مِّرْفَقًا١٦
Wa iżi‘tazaltumūhum wa mā ya‘budūna illallāha fa'wū ilal-kahfi yansyur lakum rabbukum mir raḥmatihī wa yuhayyi' lakum min amrikum mirfaqā(n).
[16] Ku sabab aranjeun (Ashabul Kahfi) geus ninggalkeun maranéhna (jalma-jalma kapir) jeung sagala anu sok disembah ku maranéhna, pék atuh geura néangan tempat (panyalindungan) ka jero guha, engké Pangéran aranjeun bakal maparin sabagian tina rahmat-Na ka aranjeun, sarta bakal nyadiakeun pikeun aranjeun barang-barang nu diperlukeun ku aranjeun.

۞ وَتَرَى الشَّمْسَ اِذَا طَلَعَتْ تَّزٰوَرُ عَنْ كَهْفِهِمْ ذَاتَ الْيَمِيْنِ وَاِذَا غَرَبَتْ تَّقْرِضُهُمْ ذَاتَ الشِّمَالِ وَهُمْ فِيْ فَجْوَةٍ مِّنْهُۗ ذٰلِكَ مِنْ اٰيٰتِ اللّٰهِ ۗمَنْ يَّهْدِ اللّٰهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِ وَمَنْ يُّضْلِلْ فَلَنْ تَجِدَ لَهٗ وَلِيًّا مُّرْشِدًا ࣖ١٧
Wa tarasy-syamsa iżā ṭala‘at tazāwaru ‘an kahfihim żātal-yamīni wa iżā garabat taqriḍuhum żātasy-syimāli wa hum fī fajwatim minh(u), żālika min āyātillāh(i), may yahdillāhu fa huwal-muhtadi wa may yuḍlil falan tajida lahū waliyyam mursyidā(n).
[17] Hidep (Muhammad) bakal ningali panonpoé waktu meleték condong ka sabeulah katuhueun guha aranjeunna, jeung waktu surup condong ka beulah kénca ngajauhan aranjeunna, sedengkeun aranjeunna téh aya di tempat anu lega dina jero éta guha. Tah éta téh sabagian tina (kakawasaan) Allah. Saha baé nu dibéré pituduh ku Allah, nya manéhna meunang pituduh, jeung saha baé anu disasarkeun ku Allah, nya hidep moal pisan-pisan manggih saurang ogé anu bisa nulungan tur bisa méré pituduh ka manéhna.

وَتَحْسَبُهُمْ اَيْقَاظًا وَّهُمْ رُقُوْدٌ ۖوَّنُقَلِّبُهُمْ ذَاتَ الْيَمِيْنِ وَذَاتَ الشِّمَالِ ۖوَكَلْبُهُمْ بَاسِطٌ ذِرَاعَيْهِ بِالْوَصِيْدِۗ لَوِ اطَّلَعْتَ عَلَيْهِمْ لَوَلَّيْتَ مِنْهُمْ فِرَارًا وَّلَمُلِئْتَ مِنْهُمْ رُعْبًا١٨
Wa taḥsabuhum aiqāẓaw wa hum ruqūd(un), wa nuqallibuhum żātal-yamīni wa żātasy-syimāl(i), wa kalbuhum bāsiṭun żirā‘aihi bil-waṣīd(i), lawiṭṭala‘ta ‘alaihim lawallaita minhum firāraw wa lamuli'ta minhum ru‘bā(n).
[18] Hidep (Muhammad) bakal nyangka yén aranjeunna téh nyaring, padahal talibra saré. Kami mulak-malikkeun aranjeunna ka katuhu jeung ka kénca, sedengkeun anjingna depa baé bari suku hareupna ngahalangan (lawang guha). Lamun seug téa mah hidep ningali kaayaan aranjeunna, tangtu hidep bakal lumpat ngabecir, bakat ku sieun ku aranjeunna.

وَكَذٰلِكَ بَعَثْنٰهُمْ لِيَتَسَاۤءَلُوْا بَيْنَهُمْۗ قَالَ قَاۤىِٕلٌ مِّنْهُمْ كَمْ لَبِثْتُمْۗ قَالُوْا لَبِثْنَا يَوْمًا اَوْ بَعْضَ يَوْمٍۗ قَالُوْا رَبُّكُمْ اَعْلَمُ بِمَا لَبِثْتُمْۗ فَابْعَثُوْٓا اَحَدَكُمْ بِوَرِقِكُمْ هٰذِهٖٓ اِلَى الْمَدِيْنَةِ فَلْيَنْظُرْ اَيُّهَآ اَزْكٰى طَعَامًا فَلْيَأْتِكُمْ بِرِزْقٍ مِّنْهُ وَلْيَتَلَطَّفْ وَلَا يُشْعِرَنَّ بِكُمْ اَحَدًا١٩
Wa każālika ba‘aṡnāhum liyatasā'alū bainahum, qāla qā'ilum minhum kam labiṡtum, qālū labiṡnā yauman au ba‘ḍa yaum(in), qālū rabbukum a‘lamu bimā labiṡtum, fab‘aṡū aḥadakum biwariqikum hāżihī ilal-madīnati falyanẓur ayyuhā azkā ṭa‘āman falya'tikum birizqim minhu walyatalaṭṭaf wa lā yusy‘iranna bikum aḥadā(n).
[19] Tah kitu Kami ngahudangkeun deui aranjeunna sangkan silih tanya. Salah saurang ti antara aranjeunna nyarita, “Naha geus sabaraha lila (kira-kira) aranjeun cicing (di dieu téh)?” Aranjeunna ngajawab, “Urang saréréa geus cicing (di dieu téh) sapoé atawa satengah poé.” Nyarita (deui nu sejénna), “Pangéran aranjeun langkung uninga geus sabaraha lila aranjeun cicing (di dieu). Ayeuna mah utus baé salah saurang (ti antara) aranjeun bari mawa ieu duit pérak ka kota, (tugaskeun) manéhna sina néangan kadaharan anu pangbersihna, tuluy sina mawa sabagian tina éta rejeki (kadaharan) téh ka aranjeun, jeung omat manéhna kudu

اِنَّهُمْ اِنْ يَّظْهَرُوْا عَلَيْكُمْ يَرْجُمُوْكُمْ اَوْ يُعِيْدُوْكُمْ فِيْ مِلَّتِهِمْ وَلَنْ تُفْلِحُوْٓا اِذًا اَبَدًا٢٠
Innahum iy yaẓharū ‘alaikum yarjumūkum au yu‘īdūkum fī millatihim wa lan tufliḥū iżan abadā(n).
[20] Saenyana lamun seug maranéhna nyahoeun (tempat nyumput) aranjeun, tangtu maranéhna bakal malédogan aranjeun, atawa (maksa) sangkan aranjeun balik deui kana agama maranéhna. (Lamun geus kitu), tangtu aranjeun moal bagja salalawasna.”

وَكَذٰلِكَ اَعْثَرْنَا عَلَيْهِمْ لِيَعْلَمُوْٓا اَنَّ وَعْدَ اللّٰهِ حَقٌّ وَّاَنَّ السَّاعَةَ لَا رَيْبَ فِيْهَاۚ اِذْ يَتَنَازَعُوْنَ بَيْنَهُمْ اَمْرَهُمْ فَقَالُوا ابْنُوْا عَلَيْهِمْ بُنْيَانًاۗ رَبُّهُمْ اَعْلَمُ بِهِمْۗ قَالَ الَّذِيْنَ غَلَبُوْا عَلٰٓى اَمْرِهِمْ لَنَتَّخِذَنَّ عَلَيْهِمْ مَّسْجِدًا٢١
Wa każālika a‘ṡarnā ‘alaihim liya‘lamū anna wa‘dallāhi ḥaqquw wa annas-sā‘ata lā raiba fīhā, iż yatanāza‘ūna bainahum amrahum fa qālubnū ‘alaihim bun-yānā(n), rabbuhum a‘lamu bihim, qālal-lażīna galabū ‘alā amrihim lanattakhiżanna ‘alaihim masjidā(n).
[21] Tah kitu Kami némbongkeun (ieu perkara) ka maranéhna (manusa) sangkan maranéhna nyaho yén saenyana jangji Allah téh bener, jeung saenyana Kiamat téh henteu aya kamangmangan deui ngeunaanana. (Nyaéta) waktu maranéhna (manusa) pasalia paham dina (mutuskeun) urusan aranjeunna (Ashabul Kahfi), tuluy maranéhna ngomong, “Adegkeun baé di luhureun éta (guha) téh hiji wangunan. Pangéran maranéh téh anu langkung uninga ngeunaan aranjeunna.” Jalma-jalma anu boga kakawasaan kana urusan (Ashabul Kahfi) nyarita, “Kami pasti bakal ngadegkeun hiji masjid di luhureun éta (guha).”

سَيَقُوْلُوْنَ ثَلٰثَةٌ رَّابِعُهُمْ كَلْبُهُمْۚ وَيَقُوْلُوْنَ خَمْسَةٌ سَادِسُهُمْ كَلْبُهُمْ رَجْمًاۢ بِالْغَيْبِۚ وَيَقُوْلُوْنَ سَبْعَةٌ وَّثَامِنُهُمْ كَلْبُهُمْ ۗقُلْ رَّبِّيْٓ اَعْلَمُ بِعِدَّتِهِمْ مَّا يَعْلَمُهُمْ اِلَّا قَلِيْلٌ ەۗ فَلَا تُمَارِ فِيْهِمْ اِلَّا مِرَاۤءً ظَاهِرًا ۖوَّلَا تَسْتَفْتِ فِيْهِمْ مِّنْهُمْ اَحَدًا ࣖ٢٢
Sayaqūlūna ṡalāṡatur rābi‘uhum kalbuhum, wa yaqūlūna khamsatun sādisuhum kalbuhum rajmam bil-gaib(i), wa yaqūlūna sab‘atuw wa ṡāminuhum kalbuhum, qur rabbī a‘lamu bi‘iddatihim mā ya‘lamuhum illā qalīl(un), falā tumāri fīhim illā mirā'an ẓāhirā(n), wa lā tastafti fīhim minhum aḥadā(n).
[22] Engké (aya jalma nu) ngomong, “(Jumlah Ashabul Kahfi téh) tiluan, nu kaopatna anjingna,” jeung aya deui anu ngaromong. “(Jumlahna téh) limaan, nu kagenepna anjingna,” sakadar teteguhan kana perkara nu gaib. Aya deui nu ngomong, “(Jumlahna téh) tujuhan, nu kadalapanna anjingna.” Pok béjakeun ku hidep (Muhammad), “Pangéran kuring téh langkung uninga kana jumlah aranjeunna. Taya nu nyaho ka aranjeunna iwal ti saeutik.” Ku kituna, poma hidep (Muhammad) ulah rék pasalia paham ngeunaan aranjeunna anging alakadarna, jeung poma hidep ulah rék tatanya ngeunaan aranjeunna ka saha baé ogé ti antara maranéhna (Ahli Kitab).

وَلَا تَقُوْلَنَّ لِشَا۟يْءٍ اِنِّيْ فَاعِلٌ ذٰلِكَ غَدًاۙ٢٣
Wa lā taqūlanna lisyai'in innī fā‘ilun żālika gadā(n).
[23] Ogé poma hidep (Muhammad) ulah rék sakali-kali ngomong ngeunaan hiji perkara, “Saenyana kuring rék migawé éta perkara téh isukan.”

اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ ۖوَاذْكُرْ رَّبَّكَ اِذَا نَسِيْتَ وَقُلْ عَسٰٓى اَنْ يَّهْدِيَنِ رَبِّيْ لِاَقْرَبَ مِنْ هٰذَا رَشَدًا٢٤
Illā ay yasyā'allāh(u), ważkur rabbaka iżā nasīta wa qul ‘asā ay yahdiyani rabbī li'aqraba min hāżā rasyadā(n).
[24] Kajaba lamun bari (ngucapkeun), “In syā`a Allāh (upami Allah ngersakeun)” jeung kudu inget hidep ka Pangéran lamun seug hidep poho, sarta pék ucapkeun, “Mugi-mugi Pangéran abdi maparin abdi pituduh kana (perkara) anu langkung caket kana bebeneran tibatan ieu.”

وَلَبِثُوْا فِيْ كَهْفِهِمْ ثَلٰثَ مِائَةٍ سِنِيْنَ وَازْدَادُوْا تِسْعًا٢٥
Wa labiṡū fī kahfihim ṡalāṡa mi'atin sinīna wazdādū tis‘ā(n).
[25] Aranjeunna (Ashabul Kahfi) cicing (saré) dina jero guha tilu ratus taun (nurutkeun taun Masehi), ditambah salapan taun (nurutkeun taun Hijriah).

قُلِ اللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا لَبِثُوْا ۚ لَهٗ غَيْبُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اَبْصِرْ بِهٖ وَاَسْمِعْۗ مَا لَهُمْ مِّنْ دُوْنِهٖ مِنْ وَّلِيٍّۗ وَلَا يُشْرِكُ فِيْ حُكْمِهٖٓ اَحَدًا٢٦
Qulillāhu a‘lamu bimā labiṡū, lahū gaibus-samāwāti wal-arḍ(i), abṣir bihī wa asmi‘, mā lahum min dūnihī miw waliyy(in), wa lā yusyriku fī ḥukmihī aḥadā(n).
[26] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Allah langkung uninga sabaraha lilana aranjeunna cicing (dina jero guha). Kagungan Allah nu gaib di langit jeung bumi. Kalintang seukeut paningal-Na ogé kalintang écés pangdangu-Na. Taya nu bisa nangtayungan aranjeunna iwal ti Mantenna, jeung taya saurang ogè nu nyarengan Mantenna dina netepkeun hukum-Na.

وَاتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنْ كِتَابِ رَبِّكَۗ لَا مُبَدِّلَ لِكَلِمٰتِهٖۗ وَلَنْ تَجِدَ مِنْ دُوْنِهٖ مُلْتَحَدًا٢٧
Watlu mā ūḥiya ilaika min kitābi rabbik(a), lā mubaddila likalimātih(ī), wa lan tajida min dūnihī multaḥadā(n).
[27] Pék bacakeun sakur nu geus diwahyukeun ka hidep (Muhammad) ti antara Kitab Pangéran hidep (nyaéta Al-Qur'an). Taya (saurang ogé) anu (bisa) ngarobah kalimah-kalimah-Na, sarta hidep moal manggih tempat panyalindungan salian ti Mantenna.

وَاصْبِرْ نَفْسَكَ مَعَ الَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ رَبَّهُمْ بِالْغَدٰوةِ وَالْعَشِيِّ يُرِيْدُوْنَ وَجْهَهٗ وَلَا تَعْدُ عَيْنٰكَ عَنْهُمْۚ تُرِيْدُ زِيْنَةَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۚ وَلَا تُطِعْ مَنْ اَغْفَلْنَا قَلْبَهٗ عَنْ ذِكْرِنَا وَاتَّبَعَ هَوٰىهُ وَكَانَ اَمْرُهٗ فُرُطًا٢٨
Waṣbir nafsaka ma‘al-lażīna yad‘ūna rabbahum bil-gadāti wal-‘asyiyyi yurīdūna wajhahū wa lā ta‘du ‘aināka ‘anhum, turīdu zīnatal-ḥayātid-dun-yā, wa lā tuṭi‘ man agfalnā qalbahū ‘an żikrinā wattaba‘a hawāhu wa kāna amruhū furuṭā(n).
[28] Omat hidep kudu sabar (ibadah) bareng jeung jalma-jalma anu ngadoa ka Pangéranana dina wanci isuk-isuk ogé pasosoré kalayan miharep karidoan Mantenna. Poma paningal hidep ulah rék leupas ti maranéhna, (alatan) hidep (leuwih) miharep papaés kahirupan dunya, sarta poma hidep ulah rék nurut ka jalma anu geus dibalangahkeun ku Kami haténa tina miéling ka Kami tur ngalajur hawa napsuna, sedengkeun urusanana sok kaleuleuwihi.

وَقُلِ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكُمْۗ فَمَنْ شَاۤءَ فَلْيُؤْمِنْ وَّمَنْ شَاۤءَ فَلْيَكْفُرْۚ اِنَّآ اَعْتَدْنَا لِلظّٰلِمِيْنَ نَارًاۙ اَحَاطَ بِهِمْ سُرَادِقُهَاۗ وَاِنْ يَّسْتَغِيْثُوْا يُغَاثُوْا بِمَاۤءٍ كَالْمُهْلِ يَشْوِى الْوُجُوْهَۗ بِئْسَ الشَّرَابُۗ وَسَاۤءَتْ مُرْتَفَقًا٢٩
Wa qulil-ḥaqqu mir rabbikum, faman syā'a falyu'miw wa man syā'a falyakfur, innā a‘tadnā liẓ-ẓālimīna nārā(n), aḥāṭa bihim surādiquhā, wa iy yastagīṡū yugāṡū bimā'in kal-muhli yasywil-wujūh(a), bi'sasy-syarāb(u), wa sā'at murtafaqā(n).
[29] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Anu bener téh datangna ti Pangéran aranjeun, nya saha baé nu rék iman, heug geura iman! Saha baé anu rék kupur, pék téh teuing kupur!” Saenyana Kami téh geus nyadiakeun pikeun jalma-jalma anu dolim naraka anu seuneuna ngaléntab-léntab ngurung maranéhna. Upama sasambat ménta nginum, maranéhna bakal dibéré inuman anu ngagolak lir godogan beusi nu matak tutung kana beungeut. Kacida goréngna éta inuman, jeung kacida goréngna éta tempat istirahat téh.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ اِنَّا لَا نُضِيْعُ اَجْرَ مَنْ اَحْسَنَ عَمَلًاۚ٣٠
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti innā lā nuḍī‘u ajra man aḥsana ‘amalā(n).
[30] Sabenerna (pikeun) jalma-jalma anu iman tur milampah amal-amal soléh mah saenyana Kami moal rék nyapélékeun ganjaran jalma anu hadé amalna.

اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ جَنّٰتُ عَدْنٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهِمُ الْاَنْهٰرُ يُحَلَّوْنَ فِيْهَا مِنْ اَسَاوِرَ مِنْ ذَهَبٍ وَّيَلْبَسُوْنَ ثِيَابًا خُضْرًا مِّنْ سُنْدُسٍ وَّاِسْتَبْرَقٍ مُّتَّكِـِٕيْنَ فِيْهَا عَلَى الْاَرَاۤىِٕكِۗ نِعْمَ الثَّوَابُۗ وَحَسُنَتْ مُرْتَفَقًا ࣖ٣١
Ulā'ika lahum jannātu ‘adnin tajrī min taḥtihimul-anhāru yuḥallauna fīhā min asāwira min żahabiw wa yalbasūna ṡiyāban khuḍram min sundusiw wa istabraqim muttaki'īna fīhā ‘alal-arā'ik(i), ni‘maṡ-ṡawāb(u), wa ḥasunat murtafaqā(n).
[31] Tah nu karitu téh (jalma-jalma) anu dicawisan surga Aden anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna di éta surga bakal dipapaésan ku geulang-geulang emas, jeung bakal nganggé pakéan-pakéan warna héjo tina bahan sutera ipis ogé anu karandel, bari gégéléhéan dina luhur dipan nu pohara hadéna. Kalintang saéna éta ganjaran, sareng kalintang saéna éta tempat istirahat téh.

۞ وَاضْرِبْ لَهُمْ مَّثَلًا رَّجُلَيْنِ جَعَلْنَا لِاَحَدِهِمَا جَنَّتَيْنِ مِنْ اَعْنَابٍ وَّحَفَفْنٰهُمَا بِنَخْلٍ وَّجَعَلْنَا بَيْنَهُمَا زَرْعًاۗ٣٢
Waḍrib lahum maṡalar rajulaini ja‘alnā li'aḥadihimā jannataini min a‘nābiw wa ḥafafnāhumā binakhliw wa ja‘alnā bainahumā zar‘ā(n).
[32] Sok béré hiji paupamaan ku hidep (Muhammad) ka maranéhna, (nyaéta) dua urang lalaki. Salah saurangna (nyaéta anu kapir) ku Kami dipaparinan dua (pétak) kebon anggur, jeung di sabudeureun éta (dua pétak kebon) téh Kami kulilingan ku tangkal-tangkal korma, sarta Kami jieunkeun di antara éta (dua pétak kebon) téh huma palawija.

كِلْتَا الْجَنَّتَيْنِ اٰتَتْ اُكُلَهَا وَلَمْ تَظْلِمْ مِّنْهُ شَيْـًٔاۙ وَّفَجَّرْنَا خِلٰلَهُمَا نَهَرًاۙ٣٣
Kiltal-jannataini ātat ukulahā wa lam taẓlim minhu syai'ā(n), wa fajjarnā khilālahumā naharā(n).
[33] Éta dua (pétak) kebon téh ngahasilkeun bubuahan nu henteu kungsi kurang saeutik ogé hasilna, jeung Kami ngocorkeun di antara éta dua (pétak) kebon téh solokan.

وَّكَانَ لَهٗ ثَمَرٌۚ فَقَالَ لِصَاحِبِهٖ وَهُوَ يُحَاوِرُهٗٓ اَنَا۠ اَكْثَرُ مِنْكَ مَالًا وَّاَعَزُّ نَفَرًا٣٤
Wa kāna lahū ṡamar(un), fa qāla liṣāḥibihī wa huwa yuḥāwiruhū ana akṡaru minka mālaw wa a‘azzu nafarā(n).
[34] Tah (ku lantaran kitu) manéhna téh boga panghasilan anu mucekil. Tuluy manéhna ngomong ka sobatna (anu mu’min) waktu manéhna ngobrol, “Kuring téh leuwih loba hartana jeung leuwih kuat baladna tibatan anjeun.”

وَدَخَلَ جَنَّتَهٗ وَهُوَ ظَالِمٌ لِّنَفْسِهٖۚ قَالَ مَآ اَظُنُّ اَنْ تَبِيْدَ هٰذِهٖٓ اَبَدًاۙ٣٥
Wa dakhala jannatahū wa huwa ẓālimul linafsih(ī), qāla mā aẓunnu an tabīda hāżihī abadā(n).
[35] Tuluy manéhna asup ka kebonna sedengkeun manéhna téh dolim ka dirina sorangan. 547 Pok manéhna ngomong, “Ceuk kuring mah ieu kebon téh moal ruksak salawasna.
547) Ngadolim kana diri sorangana nyaéta ku cara adigung jeung kupur.

وَّمَآ اَظُنُّ السَّاعَةَ قَاۤىِٕمَةً وَّلَىِٕنْ رُّدِدْتُّ اِلٰى رَبِّيْ لَاَجِدَنَّ خَيْرًا مِّنْهَا مُنْقَلَبًا٣٦
Wa mā aẓunnus-sā‘ata qā'imataw wa la'ir rudittu ilā rabbī la'ajidanna khairam minhā munqalabā(n).
[36] Ogé ceuk kuring mah Kiamat téh moal kajadian. Saupama baé bener kuring téh dibalikkeun ka Pangéran kuring, tangtu kuring bakal meunang padumukan anu leuwih hadé tibatan ieu.”

قَالَ لَهٗ صَاحِبُهٗ وَهُوَ يُحَاوِرُهٗٓ اَكَفَرْتَ بِالَّذِيْ خَلَقَكَ مِنْ تُرَابٍ ثُمَّ مِنْ نُّطْفَةٍ ثُمَّ سَوّٰىكَ رَجُلًاۗ٣٧
Qāla lahū ṣāḥibuhū wa huwa yuḥāwiruhū akafarta bil-lażī khalaqaka min turābin ṡumma min nuṭfatin ṡumma sawwāka rajulā(n).
[37] Sobatna (anu mu’min) nyarita waktu manéhna ngobrol, “Naha anjeun téh kupur ka Pangéran anu geus ngadamel anjeun tina taneuh, tuluy tina sakeclak cimani, teras Mantenna téh ngajadikeun anjeun lalaki anu sampurna?

لٰكِنَّا۠ هُوَ اللّٰهُ رَبِّيْ وَلَآ اُشْرِكُ بِرَبِّيْٓ اَحَدًا٣٨
Lākinna huwallāhu rabbī wa lā usyriku birabbī aḥadā(n).
[38] Tapi kuring (mah percaya yén) Mantenna téh Allah, Pangéran kuring, sarta kuring moal nyarékatkeun Pangéran kuring jeung saha baé ogé.

وَلَوْلَآ اِذْ دَخَلْتَ جَنَّتَكَ قُلْتَ مَا شَاۤءَ اللّٰهُ ۙ لَا قُوَّةَ اِلَّا بِاللّٰهِ ۚاِنْ تَرَنِ اَنَا۠ اَقَلَّ مِنْكَ مَالًا وَّوَلَدًاۚ٣٩
Wa lau lā iż dakhalta jannataka qulta mā syā'allāh(u), lā quwwata illā billāh(i), in tarani ana aqalla minka mālaw wa waladā(n).
[39] Naon atuh hésena lamun pas asup ka kebon téh anjeun ngucapkeun ‘mā syā`a Allāh lā quwwata illā billāh (ieu téh kersaning Allah, taya kakuatan anging kalayan pitulung Allah)’ lamun enya mah anjeun nganggap kakayaan jeung anak turunan kuring téh leuwih saeutik tibatan anjeun.

فَعَسٰى رَبِّيْٓ اَنْ يُّؤْتِيَنِ خَيْرًا مِّنْ جَنَّتِكَ وَيُرْسِلَ عَلَيْهَا حُسْبَانًا مِّنَ السَّمَاۤءِ فَتُصْبِحَ صَعِيْدًا زَلَقًاۙ٤٠
Fa ‘asā rabbī ay yu'tiyani khairam min jannatika wa yursila ‘alaihā ḥusbānam minas-samā'i fa tuṣbiḥa ṣa‘īdan zalaqā(n).
[40] Mugi-mugi baé Pangéran kuring maparin ka kuring (kebon) anu leuwih alus tibatan kebon anjeun, jeung (mugi-mugi) Mantenna nurunkeun gelap ti langit ka kebon anjeun nepi ka (éta kebon téh) jadi taneuh anu leueur.

اَوْ يُصْبِحَ مَاۤؤُهَا غَوْرًا فَلَنْ تَسْتَطِيْعَ لَهٗ طَلَبًا٤١
Au yuṣbiḥa mā'uhā gauran falan tastaṭī‘a lahū ṭalabā(n).
[41] Atawa caina jadi nyerep kana jero taneuh nepi ka anjeun moal bisa meunang deui cai.”

وَاُحِيْطَ بِثَمَرِهٖ فَاَصْبَحَ يُقَلِّبُ كَفَّيْهِ عَلٰى مَآ اَنْفَقَ فِيْهَا وَهِيَ خَاوِيَةٌ عَلٰى عُرُوْشِهَا وَيَقُوْلُ يٰلَيْتَنِيْ لَمْ اُشْرِكْ بِرَبِّيْٓ اَحَدًا٤٢
Wa uḥīṭa biṡamarihī fa aṣbaḥa yuqallibu kaffaihi ‘alā mā anfaqa fīhā wa hiya khāwiyatun ‘alā ‘urūsyihā wa yaqūlu yā laitanī lam usyrik birabbī aḥadā(n).
[42] Nya kakayaan (lalaki nu kapir téh) dibinasakeun. Manéhna mulak-malikkeun dua dampal leungeunna (saking ku hanjakal) kana (harta) nu geus dipaké ngabiayaan éta kebon, sedengkeun éta tangkal-tangkal anggurna téh rubuh katut tuturusna. Pok manéhna ngomong, “Duh lamun seug kuring teu kungsi nyarékatkeun Pangéran kuring jeung saha baé ogé (tangtu akibatna moal kieu).”

وَلَمْ تَكُنْ لَّهٗ فِئَةٌ يَّنْصُرُوْنَهٗ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ وَمَا كَانَ مُنْتَصِرًاۗ٤٣
Wa lam takul lahū fi'atuy yanṣurūnahū min dūnillāhi wa mā kāna muntaṣirā(n).
[43] Henteu aya hiji golongan ogé nu bisa nulungan ka manéhna salian ti Allah, sarta manéhna moal bisa ngabéla dirina.

هُنَالِكَ الْوَلَايَةُ لِلّٰهِ الْحَقِّۗ هُوَ خَيْرٌ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ عُقْبًا ࣖ٤٤
Hunālikal-walāyatu lillāhil-ḥaqq(i), huwa khairun ṡawābaw wa khairun ‘uqbā(n).
[44] Tah di dinya (ébréh wéh yén) panangtayungan téh mung kagungan Allah Nu Mahabener. Mantenna téh anu pangsaé-saéna maparin ganjaran, sareng pangsaé-saéna maparin wawales.

وَاضْرِبْ لَهُمْ مَّثَلَ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا كَمَاۤءٍ اَنْزَلْنٰهُ مِنَ السَّمَاۤءِ فَاخْتَلَطَ بِهٖ نَبَاتُ الْاَرْضِ فَاَصْبَحَ هَشِيْمًا تَذْرُوْهُ الرِّيٰحُ ۗوَكَانَ اللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ مُّقْتَدِرًا٤٥
Waḍrib lahum maṡalal-ḥayātid-dun-yā kamā'in anzalnāhu minas-samā'i fakhtalaṭa bihī nabātul-arḍi fa aṣbaḥa hasyīman tażrūhur-riyāḥ(u), wa kānallāhu ‘alā kulli syai'im muqtadirā(n).
[45] Sok béré (deui) hiji paupamaan ku hidep (Muhammad) ka maranéhna. Kahirupan dunya téh kawas cai anu diturunkeun ku Kami ti langit, tuluy (éta cai téh) nyuburkeun tatangkalan di bumi, tuluy éta tatangkalan téh jadi garing katiup angin. Allah téh Mahakawasa kana sagala rupa perkara.

اَلْمَالُ وَالْبَنُوْنَ زِيْنَةُ الْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۚ وَالْبٰقِيٰتُ الصّٰلِحٰتُ خَيْرٌ عِنْدَ رَبِّكَ ثَوَابًا وَّخَيْرٌ اَمَلًا٤٦
Al-mālu wal-banūna zīnatul-ḥayātid-dun-yā, wal-bāqiyātuṣ-ṣāliḥātu khairun ‘inda rabbika ṡawābaw wa khairun amalā(n).
[46] Harta banda jeung anak-anak téh (ngan ukur) papaés kahirupan dunya. Sedengkeun laku lampah hadé anu mayeng éta leuwih alus ganjaranana mungguhing Pangéran hidep, jeung leuwih hadé (pikeun dijadikeun) pangaharepan.

وَيَوْمَ نُسَيِّرُ الْجِبَالَ وَتَرَى الْاَرْضَ بَارِزَةًۙ وَّحَشَرْنٰهُمْ فَلَمْ نُغَادِرْ مِنْهُمْ اَحَدًاۚ٤٧
Wa yauma nusayyirul-jibāla wa taral-arḍa bārizah(tan), wa ḥasyarnāhum falam nugādir minhum aḥadā(n).
[47] Ogé (sing inget) kana poéan Kami ngancurkeun gunung-gunung, jeung hidep ningali ieu bumi téh jadi rata, tuluy Kami ngumpulkeun maranéhna sarta Kami moal nyésakeun ti antara maranéhna saurang ogé.

وَعُرِضُوْا عَلٰى رَبِّكَ صَفًّاۗ لَقَدْ جِئْتُمُوْنَا كَمَا خَلَقْنٰكُمْ اَوَّلَ مَرَّةٍۢ ۖبَلْ زَعَمْتُمْ اَلَّنْ نَّجْعَلَ لَكُمْ مَّوْعِدًا٤٨
Wa ‘uriḍū ‘alā rabbika ṣaffā(n), laqad ji'tumūnā kamā khalaqnākum awwala marratim bal za‘amtum allan naj‘ala lakum mau‘idā(n).
[48] Maranéhna dikumpulkeun ka payuneun Pangéran hidep kalayan ngabaris. (Allah ngadawuh), “Saenyana maranéh datang ka Kami sakumaha (kaayaan) maranéh basa mimiti diciptakeun ku Kami, tapi maranéh nyangka yén Kami moal nangtukeun keur maranéh waktu (dihudangkeun deui pikeun nyumponan) jangji.

وَوُضِعَ الْكِتٰبُ فَتَرَى الْمُجْرِمِيْنَ مُشْفِقِيْنَ مِمَّا فِيْهِ وَيَقُوْلُوْنَ يٰوَيْلَتَنَا مَالِ هٰذَا الْكِتٰبِ لَا يُغَادِرُ صَغِيْرَةً وَّلَا كَبِيْرَةً اِلَّآ اَحْصٰىهَاۚ وَوَجَدُوْا مَا عَمِلُوْا حَاضِرًاۗ وَلَا يَظْلِمُ رَبُّكَ اَحَدًا ࣖ٤٩
Wa wuḍi‘al-kitābu fa taral-mujrimīna musyfiqīna mimmā fīhi wa yaqūlūna yā wailatanā mā lihāżal-kitābi lā yugādiru ṣagīrataw wa lā kabīratan illā aḥṣāhā, wa wajadū mā ‘amilū ḥaḍirā(n), wa lā yaẓlimu rabbuka aḥadā(n).
[49] Kitab (catetan amal) ditembrakkeun, tuluy hidep bakal ningali jalma-jalma nu doraka pada kasieunan ku sakur anu (ditulis) didinya. Pok maranéhna ngomong, “Duh kacida cilakana urang saréréa. Kitab naon ieu téh, meni taya nu disésakeun, boh anu leutik atawa anu gedé, anging kacatet kabéhanana.” Sarta maranéhna manggihan yén sakur anu kungsi dipigawé ku maranéhna aya (dina éta kitab). Pangéran hidep téh henteu dolim ka saha baé ogé

وَاِذْ قُلْنَا لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اسْجُدُوْا لِاٰدَمَ فَسَجَدُوْٓا اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ كَانَ مِنَ الْجِنِّ فَفَسَقَ عَنْ اَمْرِ رَبِّهٖۗ اَفَتَتَّخِذُوْنَهٗ وَذُرِّيَّتَهٗٓ اَوْلِيَاۤءَ مِنْ دُوْنِيْ وَهُمْ لَكُمْ عَدُوٌّۗ بِئْسَ لِلظّٰلِمِيْنَ بَدَلًا٥٠
Wa iż qulnā lil-malā'ikatisjudū li'ādama fa sajadū illā iblīs(a), kāna minal-jinni fa fasaqa ‘an amri rabbih(ī), afa tattakhiżūnahū wa żurriyyatahū auliyā'a min dūnī wa hum lakum ‘aduww(un), bi'sa liẓ-ẓālimīna badalā(n).
[50] Sing inget waktu Kami ngadawuh ka para malaikat, “Kudu sarujud ka Adam!” Nya sadayana sarujud, iwal ti Iblis. Manéhna téh ti golongan jin. Manéhna mah ngabantah kana paréntah Pangéranana. Naha aranjeun rék nyokot Iblis jeung katurunanana salaku pamingpin tibatan Kami, padahal maranéhna téh apan musuh bubuyutan aranjeun. Kacida goréngna jalma-jalma dolim nu (nyokot Iblis) jadi gaganti (Allah).

۞ مَآ اَشْهَدْتُّهُمْ خَلْقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَلَا خَلْقَ اَنْفُسِهِمْۖ وَمَا كُنْتُ مُتَّخِذَ الْمُضِلِّيْنَ عَضُدًا٥١
Mā asyhattuhum khalqas-samāwāti wal-arḍi wa lā khalqa anfusihim, wa mā kuntu muttakhiżal-muḍillīna ‘aḍudā(n).
[51] Kami teu (kungsi) ningalikeun ka maranéhna (Iblis jeung turunanana) ngeunaan dijieunna langit jeung bumi ogé dijieunna diri maranéhna sorangan, sarta Kami moal nyokot nu sok nyasarkeun jadi tukang tulung tinulungan.

وَيَوْمَ يَقُوْلُ نَادُوْا شُرَكَاۤءِيَ الَّذِيْنَ زَعَمْتُمْ فَدَعَوْهُمْ فَلَمْ يَسْتَجِيْبُوْا لَهُمْ وَجَعَلْنَا بَيْنَهُمْ مَّوْبِقًا٥٢
Wa yauma yaqūlu nādū syurakā'iyal-lażīna za‘amtum fa da‘auhum falam yastajībū lahum wa ja‘alnā bainahum maubiqā(n).
[52] Sing inget kana poéan waktu Mantenna ngadawuh, “Pék geura geroan sarékat-sarékat Kaula anu baheula kungsi dianggap (pangéran) ku maranéh!” Tuluy Maranéhna nyambat éta (sesembahan-sesembahan), tapi teu pada némbalan ka maranéhna. Nya tuluy Kami ngajadikeun pikeun maranéhna tempat kabinasaan (naraka).

وَرَاَ الْمُجْرِمُوْنَ النَّارَ فَظَنُّوْٓا اَنَّهُمْ مُّوَاقِعُوْهَا وَلَمْ يَجِدُوْا عَنْهَا مَصْرِفًا ࣖ٥٣
Wa ra'al-mujrimūnan nāra fa ẓannū annahum muwāqi‘ūhā wa lam yajidū ‘anhā maṣrifā(n).
[53] Jalma jalma anu doraka téh nénjo naraka, nya maranéhna geus boga rasa yén maranéhna téh pasti bakal tigebrus ka dinya, sarta moal manggihan tempat keur kabur ti dinya.

وَلَقَدْ صَرَّفْنَا فِيْ هٰذَا الْقُرْاٰنِ لِلنَّاسِ مِنْ كُلِّ مَثَلٍۗ وَكَانَ الْاِنْسَانُ اَكْثَرَ شَيْءٍ جَدَلًا٥٤
Wa laqad ṣarrafnā fī hāżal-qur'āni lin-nāsi min kulli maṡal(in), wa kānal-insānu akṡara syai'in jadalā(n).
[54] Saenyana Kami geus mindeng ngébréhkeun ka manusa pirang-pirang paupamaan dina ieu Al-Qur’an, ngan manusa mah mahluk anu loba pisan ngabantahna.

وَمَا مَنَعَ النَّاسَ اَنْ يُّؤْمِنُوْٓا اِذْ جَاۤءَهُمُ الْهُدٰى وَيَسْتَغْفِرُوْا رَبَّهُمْ اِلَّآ اَنْ تَأْتِيَهُمْ سُنَّةُ الْاَوَّلِيْنَ اَوْ يَأْتِيَهُمُ الْعَذَابُ قُبُلًا٥٥
Wa mā mana‘an-nāsa ay yu'minū iż jā'ahumul-hudā wa yastagfirū rabbahum illā an ta'tiyahum sunnatul-awwalīna au ya'tiyahumul-‘ażābu qubulā(n).
[55] Teu aya nu ngahalangan manusa pikeun iman jeung ménta pangampura ka Pangéranana sanggeus datang pituduh (Al-Qur’an) ka maranéhna, iwal ti (rasa panasaran hayang nungguan) datangna deui hukuman (Allah) ka umat-umat anu baheula atawa datangna siksaan kalayan nyata.

وَمَا نُرْسِلُ الْمُرْسَلِيْنَ اِلَّا مُبَشِّرِيْنَ وَمُنْذِرِيْنَۚ وَيُجَادِلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِالْبَاطِلِ لِيُدْحِضُوْا بِهِ الْحَقَّ وَاتَّخَذُوْٓا اٰيٰتِيْ وَمَآ اُنْذِرُوْا هُزُوًا٥٦
Wa mā nursilul-mursalīna illā mubasysyirīna wa munżirīn(a), wa yujādilul-lażīna kafarū bil-bāṭili liyudḥiḍū bihil-ḥaqqa wattakhażū āyātī wa mā unżirū huzuwā(n).
[56] Teu pati-pati Kami ngirim para rasul, iwal ti supaya jadi pangbubungah (keur nu ta’at) jeung pangéling-éling (keur nu ingkar). (Tapi) jalma-jalma kapir (terus baé) ngabantah ku cara anu batil, supaya bisa ngamusnahkeun perkara anu bener, jeung maranéhna nganggap heureuy kana ayat-ayat Kami ogé kana sakur nu diancamkeun ka maranéhna.

وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنْ ذُكِّرَ بِاٰيٰتِ رَبِّهٖ فَاَعْرَضَ عَنْهَا وَنَسِيَ مَا قَدَّمَتْ يَدَاهُۗ اِنَّا جَعَلْنَا عَلٰى قُلُوْبِهِمْ اَكِنَّةً اَنْ يَّفْقَهُوْهُ وَفِيْٓ اٰذَانِهِمْ وَقْرًاۗ وَاِنْ تَدْعُهُمْ اِلَى الْهُدٰى فَلَنْ يَّهْتَدُوْٓا اِذًا اَبَدًا٥٧
Wa man aẓlamu mimman żukkira bi'āyāti rabbihī fa a‘raḍa ‘anhā wa nasiya mā qaddamat yadāh(u), innā ja‘alnā ‘alā qulūbihim akinnatan ay yafqahūhu wa fī āżānihim waqrā(n), wa in tad‘uhum ilal-hudā falay yahtadū iżan abadā(n).
[57] Saha deui atuh anu leuwih dolim tibatan jalma anu diélingan ku ayat-ayat Pangéranana tuluy manéhna ngabalieur tina éta (ayat-ayat) jeung mopohokeun sakur anu geus dipilampah ku dua leungeunna? Saenyana Kami geus nutup haté maranéhna tina ngarti kana eusina éta (ayat-ayat), sarta (Kami geus nyecebkeun) cocok dina ceuli-ceulina; (ku kituna) sanajan hidep (Muhammad) ngajak maranéhna kana pituduh, tangtu maranéhna salawasna moal meunang pituduh.

وَرَبُّكَ الْغَفُوْرُ ذُو الرَّحْمَةِۗ لَوْ يُؤَاخِذُهُمْ بِمَا كَسَبُوْا لَعَجَّلَ لَهُمُ الْعَذَابَۗ بَلْ لَّهُمْ مَّوْعِدٌ لَّنْ يَّجِدُوْا مِنْ دُوْنِهٖ مَوْىِٕلًا٥٨
Wa rabbukal-gafūru żur-raḥmah(ti), lau yu'ākhiżuhum bimā kasabū la‘ajjala lahumul-‘ażāb(a), bal lahum mau‘idul lay yajidū min dūnihī mau'ilā(n).
[58] Pangéran hidep téh Maha Jembar-pangampura (tur) Kagungan Rahmat. Lamun seug Mantenna rék nyiksa maranéhna alatan laku lampah maranéhna, tangtu Mantenna bakal ngagancangkeun (datangna) siksa ka maranéhna. Tapi keur maranéhna téh geus aya waktu anu dijangjikeun. Maranéhna moal manggihan panyalindungan tina éta perkara, iwal ka Mantenna.

وَتِلْكَ الْقُرٰٓى اَهْلَكْنٰهُمْ لَمَّا ظَلَمُوْا وَجَعَلْنَا لِمَهْلِكِهِمْ مَّوْعِدًا ࣖ٥٩
Wa tilkal-qurā ahlaknāhum lammā ẓalamū wa ja‘alnā limahlikihim mau‘idā(n).
[59] Tah (pangeusi) éta nagri téh geus diancurkeun ku Kami waktu maranéhna migawé kadoliman, jeung Kami netepkeun pikeun kaancuran maranéhna téh waktu anu geus tangtu.

وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِفَتٰىهُ لَآ اَبْرَحُ حَتّٰٓى اَبْلُغَ مَجْمَعَ الْبَحْرَيْنِ اَوْ اَمْضِيَ حُقُبًا٦٠
Wa iż qāla mūsā lifatāhu lā abraḥu ḥattā abluga majma‘al-baḥraini au amḍiya ḥuqubā(n).
[60] (Sing inget) nalika Musa nyarios ka badégana, “Kuring moal rék eureun (néangan) saméméh nepi ka tempat patepungna dua laut atawa kuring rék terus-terusan leumpang (najan nepi ka) mangtaun-taun (lilana).”

فَلَمَّا بَلَغَا مَجْمَعَ بَيْنِهِمَا نَسِيَا حُوْتَهُمَا فَاتَّخَذَ سَبِيْلَهٗ فِى الْبَحْرِ سَرَبًا٦١
Falammā balagā majma‘a bainihimā nasiyā ḥūtahumā fattakhaża sabīlahū fil-baḥri sarabā(n).
[61] Nya waktos duanana nepi ka tempat patepungna dua laut, lat baé duanana pada poho kana lauk aranjeunna. Ari singhoréng éta lauk téh geus ngacleng néangan jalanna ka laut.

فَلَمَّا جَاوَزَا قَالَ لِفَتٰىهُ اٰتِنَا غَدَاۤءَنَاۖ لَقَدْ لَقِيْنَا مِنْ سَفَرِنَا هٰذَا نَصَبًا٦٢
Falammā jāwazā qāla lifatāhu ātinā gadā'anā laqad laqīnā min safarinā hāżā naṣabā(n).
[62] Nya waktu aranjeunna duaan geus ngaliwat jauh, Musa nyarios ka badégana, “Bawa ka dieu dahareun urang téh, saenyana lalampahan urang téh bener-bener geus nyababkeun urang duaan (ngarasa) capé.”

قَالَ اَرَاَيْتَ اِذْ اَوَيْنَآ اِلَى الصَّخْرَةِ فَاِنِّيْ نَسِيْتُ الْحُوْتَۖ وَمَآ اَنْسٰىنِيْهُ اِلَّا الشَّيْطٰنُ اَنْ اَذْكُرَهٗۚ وَاتَّخَذَ سَبِيْلَهٗ فِى الْبَحْرِ عَجَبًا٦٣
Qāla ara'aita iż awainā ilaṣ-ṣakhrati fa innī nasītul-ḥūt(a), wa mā ansānīhu illasy-syaiṭanu an ażkurah(ū), wattakhaża sabīlahū fil-baḥri ‘ajabā(n).
[63] Badégana ngawaler, “Naha salira émut waktos urang milari tempat ngiuhan dina batu, harita abdi hilap (badé ngawartoskeun yén) éta lauk (téh ngacleng), teu aya (deui nu nyababkeun) abdi poho kanggo ngawartosan (salira) iwal ti sétan. Éta lauk téh geus ngacleng néangan jalanna ka laut ku cara anu ahéng.”

قَالَ ذٰلِكَ مَا كُنَّا نَبْغِۖ فَارْتَدَّا عَلٰٓى اٰثَارِهِمَا قَصَصًاۙ٦٤
Qāla żālika mā kunnā nabg(i), fartaddā ‘alā āṡārihimā qaṣaṣā(n).
[64] Musa nyarios, “Tah éta pisan (tempat) nu ditéangan ku urang téh.” Nya duanana baralik deui nuturkeun tapak lacak anu tadi.

فَوَجَدَا عَبْدًا مِّنْ عِبَادِنَآ اٰتَيْنٰهُ رَحْمَةً مِّنْ عِنْدِنَا وَعَلَّمْنٰهُ مِنْ لَّدُنَّا عِلْمًا٦٥
Fa wajadā ‘abdam min ‘ibādinā ātaināhu raḥmatam min ‘indinā wa ‘allamnāhu mil ladunnā ‘ilmā(n).
[65] Nya aranjeunna patepang sareng hiji abdi ti antara hamba-hamba Kami. Kami geus maparin ka anjeunna rahmat ti mungguhing Kami, jeung Kami geus ngajarkeun ka anjeunna élmu ti mungguhing Kami. 548
548) Numutkeun ahli tapsir, jalmi anu dipilarian ku Nabi Musa téh nyaéta Nabi Khidir. Anjeunna kénging rahmat ti Gusti mangrupa wahyu sareng kanabian. Anjeunna ogé kénging nugraha élmu ngeunaan perkara-perkara anu gaib sakumaha anu dijelaskeun dina ayat-ayat saterusna.

قَالَ لَهٗ مُوْسٰى هَلْ اَتَّبِعُكَ عَلٰٓى اَنْ تُعَلِّمَنِ مِمَّا عُلِّمْتَ رُشْدًا٦٦
Qāla lahū mūsā hal attabi‘uka ‘alā an tu‘allimani mimmā ‘ullimta rusydā(n).
[66] Musa nyarios ka anjeunna, “Naha kénging abdi nyarengan salira supados salira tiasa ngajarkeun ka abdi élmu anu bener tina sabagian (élmu) anu parantos diajarkeun (ku Pangéran) ka salira?”

قَالَ اِنَّكَ لَنْ تَسْتَطِيْعَ مَعِيَ صَبْرًا٦٧
Qāla innaka lan tastaṭī‘a ma‘iya ṣabrā(n).
[67] Anjeunna (hamba Kami) ngawaler, “Saenyana anjeun moal bisa sabar bareng jeung kuring mah.

وَكَيْفَ تَصْبِرُ عَلٰى مَا لَمْ تُحِطْ بِهٖ خُبْرًا٦٨
Wa kaifa taṣbiru ‘alā mā lam tuḥiṭ bihī khubrā(n).
[68] Kumaha anjeun rék bisa sabar kana perkara anu anjeun can boga pangaweruh anu cukup ngeunaanana?”

قَالَ سَتَجِدُنِيْٓ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ صَابِرًا وَّلَآ اَعْصِيْ لَكَ اَمْرًا٦٩
Qāla satajidunī in syā'allāhu ṣābiraw wa lā a‘ṣī laka amrā(n).
[69] Musa ngawaler, In syā`a Allāh (upami Allah ngersakeun), salira bakal mendakan abdi kalebet jalmi anu sabar, sareng abdi moal badé ngalawan ka salira dina hiji perkara ogé.

قَالَ فَاِنِ اتَّبَعْتَنِيْ فَلَا تَسْـَٔلْنِيْ عَنْ شَيْءٍ حَتّٰٓى اُحْدِثَ لَكَ مِنْهُ ذِكْرًا ࣖ٧٠
Qāla fa inittaba‘tanī falā tas'alnī ‘an syai'in ḥattā uḥdiṡa laka minhu żikrā(n).
[70] Anjeunna (hamba Kami) ngawaler, “Nya upama anjeun rék nuturkeun kuring mah, poma anjeun ulah rék tunya-tanya ka kuring tina perkara naon baé, saméméh kuring ngajelaskeun éta (perkara) ka anjeun!”

فَانْطَلَقَاۗ حَتّٰٓى اِذَا رَكِبَا فِى السَّفِيْنَةِ خَرَقَهَاۗ قَالَ اَخَرَقْتَهَا لِتُغْرِقَ اَهْلَهَاۚ لَقَدْ جِئْتَ شَيْـًٔا اِمْرًا٧١
Fanṭalaqā, ḥattā iżā rakibā fis-safīnati khara ahā, qāla akharaqtahā litugriqa ahlahā, laqad ji'ta syai'an imrā(n).
[71] Atuh bral duanana angkat. Nalika duanana tumpak parahu, anjeunna (hamba Kami) ngabolongan éta parahu. Musa naros, “Naha salira ngabolongan ieu (parahu téh) supados panumpangna pada titeuleum? Saleresna salira téh parantos midamel kalepatan anu kacida ageungna.”

قَالَ اَلَمْ اَقُلْ اِنَّكَ لَنْ تَسْتَطِيْعَ مَعِيَ صَبْرًا٧٢
Qāla alam aqul innaka lan tastaṭī‘a ma‘iya ṣabrā(n).
[72] Anjeunna (hamba Kami) nyarios, “Apan kuring geus kungsi nyarita (ka anjeun) yén saenyana anjeun téh moal bisa sabar babarengan jeung kuring.”

قَالَ لَا تُؤَاخِذْنِيْ بِمَا نَسِيْتُ وَلَا تُرْهِقْنِيْ مِنْ اَمْرِيْ عُسْرًا٧٣
Qāla lā tu'ākhiżnī bimā nasītu wa lā turhiqnī min amrī ‘usrā(n).
[73] Anjeunna (Musa) nyarios, “Mugi salira ulah ngahukum abdi lantaran abdi hilap, sareng mugi salira ulah badé ngabeung-beuratan abdi ku kasesahan dina urusan abdi ieu.”

فَانْطَلَقَا ۗحَتّٰٓى اِذَا لَقِيَا غُلٰمًا فَقَتَلَهٗ ۙقَالَ اَقَتَلْتَ نَفْسًا زَكِيَّةً ۢبِغَيْرِ نَفْسٍۗ لَقَدْ جِئْتَ شَيْـًٔا نُّكْرًا ۔٧٤
Fanṭalaqā, ḥattā iżā laqiyā gulāman fa qatalah(ū), qāla aqatalta nafsan zakiyyatam bigairi nafs(in), laqad ji'ta syai'an nukrā(n).
[74] Teras duanana angkat deui. Waktu duanana mendakan hiji budak lalaki, ((hamba Kami) ujug-ujug maéhan éta budak lalaki. Musa naros, “Naha salira bet nelasan jalmi nu teu tuah teu dosa, anu tacan kungsi nelasan jalma nu lian? Tétéla geuning salira téh parantos milampah padamelan nu kacida mungkarna.”

۞ قَالَ اَلَمْ اَقُلْ لَّكَ اِنَّكَ لَنْ تَسْتَطِيْعَ مَعِيَ صَبْرًا٧٥
Qāla alam aqul laka innaka lan tastaṭī‘a ma‘iya ṣabrā(n).
[75] Anjeunna (hamba Allah) ngawaler, “Apan kuring geus kungsi nyarita ka anjeun, yén saenyana anjeun téh moal bisa sabar babarengan jeung kuring.”

قَالَ اِنْ سَاَلْتُكَ عَنْ شَيْءٍۢ بَعْدَهَا فَلَا تُصٰحِبْنِيْۚ قَدْ بَلَغْتَ مِنْ لَّدُنِّيْ عُذْرًا٧٦
Qāla in sa'altuka ‘an syai'im ba‘dahā falā tuṣāḥibnī, qad balagta mil ladunnī ‘użrā(n).
[76] Musa nyarios, “Upami engké abdi tataros deui ka salira ngeunaan naon baé saparantosna ieu, (mangka) entong diwidian deui abdi nyarengan salira, ku margi tétéla salira parantos cekap (nampi) alesan ti abdi.”

فَانْطَلَقَا ۗحَتّٰىٓ اِذَآ اَتَيَآ اَهْلَ قَرْيَةِ ِۨاسْتَطْعَمَآ اَهْلَهَا فَاَبَوْا اَنْ يُّضَيِّفُوْهُمَا فَوَجَدَا فِيْهَا جِدَارًا يُّرِيْدُ اَنْ يَّنْقَضَّ فَاَقَامَهٗ ۗقَالَ لَوْ شِئْتَ لَتَّخَذْتَ عَلَيْهِ اَجْرًا٧٧
Fanṭalaqā, ḥattā iżā atayā ahla qaryatinistaṭ‘amā ahlahā fa abau ay yuḍayyifūhumā fa wajadā fīhā jidāray yurīdu ay yaqaḍḍa fa aqāmah(ū), qāla lau syi'ta lattakhażta ‘alaihi ajrā(n).
[77] Teras duanana angkat deui. Waktu ngadatangan pangeusi (hiji) lembur, duanana ménta dahareun ka urang lembur, tapi éta urang lembur téh nolak ngajamu aranjeunna duaan, teras duanana mendakan di éta lembur téh hiji témbok imah anu rék rugrug, tuluy anjeunna (hamba Allah) ngadegkeun deui éta témbok. Pok Musa nyarios, “Upami kersa mah, tangtos salira tiasa nyuhunkeun buruhan tina éta (padamelan)!”

قَالَ هٰذَا فِرَاقُ بَيْنِيْ وَبَيْنِكَۚ سَاُنَبِّئُكَ بِتَأْوِيْلِ مَا لَمْ تَسْتَطِعْ عَّلَيْهِ صَبْرًا٧٨
Qāla hāżā firāqu bainī wa bainik(a), sa'unabbi'uka bita'wīli mā lam tastaṭī‘ ‘alaihi ṣabrā(n).
[78] Anjeunna (hamba Allah) ngawaler, “Tah ieu (waktu) papisahan antara kuring jeung anjeun téh. Kuring rék ngabéjakeun ka anjeun harti tina sakur perkara anu anjeun teu bisa sabar ngeunaan éta (perkara).

اَمَّا السَّفِيْنَةُ فَكَانَتْ لِمَسٰكِيْنَ يَعْمَلُوْنَ فِى الْبَحْرِ فَاَرَدْتُّ اَنْ اَعِيْبَهَاۗ وَكَانَ وَرَاۤءَهُمْ مَّلِكٌ يَّأْخُذُ كُلَّ سَفِيْنَةٍ غَصْبًا٧٩
Ammas-safīnatu fa kānat limasākīna ya‘malūna fil-baḥri fa arattu an a‘ībahā, wa kāna warā'ahum malikuy ya'khużu kulla safīnatin gaṣbā(n).
[79] Ngeunaan parahu. Éta (parahu) téh nu bogana jalma-jalma miskin anu pagawéanana di laut (nalayan). Kuring mémang hayang ngaruksak éta (parahu), sabab di satukangeun maranéhna téh aya raja (rampog) anu sok ngarampas saban-saban parahu (anu mulus kénéh).

وَاَمَّا الْغُلٰمُ فَكَانَ اَبَوَاهُ مُؤْمِنَيْنِ فَخَشِيْنَآ اَنْ يُّرْهِقَهُمَا طُغْيَانًا وَّكُفْرًا ۚ٨٠
Wa ammal-gulāmu fa kāna abawāhu mu'minaini fa khasyīnā ay yurhiqahumā ṭugyānaw wa kufrā(n).
[80] Anapon ngeunaan budak lalaki, indung-bapana téh jalma-jalma mu’min. Kuring hariwang boh bisi éta (budak) téh maksa indung-bapana kana kasasaran jeung kakupuran.

فَاَرَدْنَآ اَنْ يُّبْدِلَهُمَا رَبُّهُمَا خَيْرًا مِّنْهُ زَكٰوةً وَّاَقْرَبَ رُحْمًا٨١
Fa aradnā ay yubdilahumā rabbuhumā khairam minhu zakātaw wa aqraba ruḥmā(n).
[81] Kuring miharep mugia Pangéran aranjeunna duaan ngagentosan ku (putra) anu leuwih hadé tibatan éta (budak) boh kasucianana boh kadeudeuhna.

وَاَمَّا الْجِدَارُ فَكَانَ لِغُلٰمَيْنِ يَتِيْمَيْنِ فِى الْمَدِيْنَةِ وَكَانَ تَحْتَهٗ كَنْزٌ لَّهُمَا وَكَانَ اَبُوْهُمَا صَالِحًا ۚفَاَرَادَ رَبُّكَ اَنْ يَّبْلُغَآ اَشُدَّهُمَا وَيَسْتَخْرِجَا كَنْزَهُمَا رَحْمَةً مِّنْ رَّبِّكَۚ وَمَا فَعَلْتُهٗ عَنْ اَمْرِيْۗ ذٰلِكَ تَأْوِيْلُ مَا لَمْ تَسْطِعْ عَّلَيْهِ صَبْرًاۗ ࣖ٨٢
Wa ammal-jidāru fa kāna ligulāmaini yatīmaini fil-madīnati wa kāna taḥtahū kanzul lahumā wa kāna abūhumā ṣāliḥā(n), fa arāda rabbuka ay yablugā asyuddahumā wa yastakhrijā kanzahumā raḥmatam mir rabbik(a), wa mā fa‘altuhū ‘an amrī, żālika ta'wīlu mā lam tasṭī‘ ‘alaihi ṣabrā(n).
[82] Anapon ngeunaan témbok, éta (témbok imah) téh bogana dua budak yatim (anu cicing) di éta kota. Di handapeunana aya (harta) simpenan keur maranéhna duaan, sedengkeun indung-bapana téh jalma anu soléh. Tah Pangéran anjeun ngersakeun supaya éta (dua budak yatim) téh hirup nepi ka déwasa sarta bisa ngaluarkeun (sorangan harta) simpenana, (minangka tawis) asih ti Pangéran anjeun. Kuring teu migawé éta (perkara-perkara) téh sakahayang sorangan. Tah éta harti tina sakur (perkara) anu anjeun teu bisa sabar nyanghareupanana téh.”

وَيَسْـَٔلُوْنَكَ عَنْ ذِى الْقَرْنَيْنِۗ قُلْ سَاَتْلُوْا عَلَيْكُمْ مِّنْهُ ذِكْرًا ۗ٨٣
Wa yas'alūnaka ‘an żil qarnain(i), qul sa'atlū ‘alaikum minhu żikrā(n).
[83] Maranéhna ogé nanyakeun ka hidep (Muhammad) ngeunaan Zulkarnaén. Sok béjakeun, “Ku kuring bakal dicaritakeun ka aranjeun caritana.”

اِنَّا مَكَّنَّا لَهٗ فِى الْاَرْضِ وَاٰتَيْنٰهُ مِنْ كُلِّ شَيْءٍ سَبَبًا ۙ٨٤
Innā makkannā lahū fil-arḍi wa ātaināhu min kulli syai'in sababā(n).
[84] Saenyana Kami geus maparin kakawasaan ka anjeunna di ieu bumi, sarta geus maparin ka anjeunna jalan pikeun ngahontal sagala urusan.

فَاَتْبَعَ سَبَبًا٨٥
Fa atba‘a sababā(n).
[85] Nya anjeunna nyorang (hiji) jalan.

حَتّٰىٓ اِذَا بَلَغَ مَغْرِبَ الشَّمْسِ وَجَدَهَا تَغْرُبُ فِيْ عَيْنٍ حَمِئَةٍ وَّوَجَدَ عِنْدَهَا قَوْمًا ەۗ قُلْنَا يٰذَا الْقَرْنَيْنِ اِمَّآ اَنْ تُعَذِّبَ وَاِمَّآ اَنْ تَتَّخِذَ فِيْهِمْ حُسْنًا٨٦
Ḥattā iżā balaga magribasy-syamsi wajadahā tagrubu fī ‘ainin ḥami'atiw wa wajada ‘indahā qaumā(n), qulnā yā żal-qarnaini immā an tu‘ażżiba wa immā an tattakhiża fīhim ḥusnā(n).
[86] Waktu geus nepi ka tempat surupna panonpoé, anjeunna ningali éta panonpoé téh surup ka laut anu leutakna hideung. 549 Tah di dinya anjeunna manggihan hiji kaom (anu teu ngagem agama nanaon). Kami ngadawuh, “Hé Zulkarnaén, hidep wenang ngahukum ka éta kaom atawa nyieun kahadéan ka maranéhna.”
549) Hiji basisir laut di beulah kulon, tempat Zulkarnaén ningali panonpoé surup.

قَالَ اَمَّا مَنْ ظَلَمَ فَسَوْفَ نُعَذِّبُهٗ ثُمَّ يُرَدُّ اِلٰى رَبِّهٖ فَيُعَذِّبُهٗ عَذَابًا نُّكْرًا٨٧
Qāla ammā man ẓalama fa saufa nu‘ażżibuhū ṡumma yuraddu ilā rabbihī fa yu‘ażżibuhū ‘ażāban nukrā(n).
[87] Zulkarnaén nyarios, “Saha baé jalma anu dolim, mangka kuring bakal ngahukum ka manéhna, terus éta (jalma téh) bakal dipulangkeun ka Pangéranana, teras Mantenna tangtos bakal nyiksa éta (jalma) ku siksaan anu kacida beuratna.

وَاَمَّا مَنْ اٰمَنَ وَعَمِلَ صَالِحًا فَلَهٗ جَزَاۤءً ۨالْحُسْنٰىۚ وَسَنَقُوْلُ لَهٗ مِنْ اَمْرِنَا يُسْرًا ۗ٨٨
Wa ammā man āmana wa ‘amila ṣāliḥan fa lahū jazā'anil-ḥusnā, wa sanaqūlu lahū min amrinā yusrā(n).
[88] Anapon jalma anu iman tur milampah amal soléh, pikeun manéhna ganjaran anu hadé, sarta abdi sadaya rék nganepikeun ka manéhna paréntah (tugas) anu gampang (dipilampahna).”

ثُمَّ اَتْبَعَ سَبَبًا٨٩
Ṡumma atba‘a sababā(n).
[89] Tuluy anjeunna nyorang jalan (nu lain).

حَتّٰىٓ اِذَا بَلَغَ مَطْلِعَ الشَّمْسِ وَجَدَهَا تَطْلُعُ عَلٰى قَوْمٍ لَّمْ نَجْعَلْ لَّهُمْ مِّنْ دُوْنِهَا سِتْرًا ۙ٩٠
Ḥattā iżā balaga maṭli‘asy-syamsi wajadahā taṭlu‘u ‘alā qaumil lam naj‘al lahum min dūnihā sitrā(n).
[90] Waktu nepi ka tempat meletékna panonpoé (beulah wétan), anjeunna ningali éta panonpoé téh meleték luhureun hiji kaom anu teu dibéré tédéng aling-aling ku Kami (keur ngiuhan) tina (panasna) éta panonpoé. 550
550) Saur sabagian ahli tapsir éta kaom téh kaom anu miskin.

كَذٰلِكَۗ وَقَدْ اَحَطْنَا بِمَا لَدَيْهِ خُبْرًا٩١
Każālik(a), wa qad aḥaṭnā bimā ladaihi khubrā(n).
[91] Tah kitu (carita Zulkarnaén téh), jeung tétéla Kami nyaho pisan kana sagala rupa hal ngeunaan (Zulkarnaén).

ثُمَّ اَتْبَعَ سَبَبًا٩٢
Ṡumma atba‘a sababā(n).
[92] Tuluy anjeunna nyorang jalan (nu lianna deui).

حَتّٰىٓ اِذَا بَلَغَ بَيْنَ السَّدَّيْنِ وَجَدَ مِنْ دُوْنِهِمَا قَوْمًاۙ لَّا يَكَادُوْنَ يَفْقَهُوْنَ قَوْلًا٩٣
Ḥattā iżā balaga bainas-saddaini wajada min dūnihimā qaumal lā yakādūna yafqahūna qaulā(n).
[93] Waktu geus nepi ka (hiji tempat) antara dua gunung, anjeunna manggihan di satukangeunana (hiji) kaom anu ampir-ampir henteu ngartieun kana omongan.

قَالُوْا يٰذَا الْقَرْنَيْنِ اِنَّ يَأْجُوْجَ وَمَأْجُوْجَ مُفْسِدُوْنَ فِى الْاَرْضِ فَهَلْ نَجْعَلُ لَكَ خَرْجًا عَلٰٓى اَنْ تَجْعَلَ بَيْنَنَا وَبَيْنَهُمْ سَدًّا٩٤
Qālū yā żal-qarnaini inna ya'jūja wa ma'jūja mufsidūna fil-arḍi fahal naj‘alu laka kharjan ‘alā an taj‘alā bainanā wa bainahum saddā(n).
[94] Maranéhna nyarita, “Nun Zulkarnaén, saleresna Ya’juj sareng Ma’juj téh tukang ngaruksak di ieu bumi, 551 na kumaha (kira-kirana) upami abdi sadaya mayar salira supados mangdamelkeun bénténg panghalang antawis abdi sadaya sareng maranéhna.”
551) Ya’juj jeung Ma’juj téh dua kaom anu sok ngaruksak di bumi.

قَالَ مَا مَكَّنِّيْ فِيْهِ رَبِّيْ خَيْرٌ فَاَعِيْنُوْنِيْ بِقُوَّةٍ اَجْعَلْ بَيْنَكُمْ وَبَيْنَهُمْ رَدْمًا ۙ٩٥
Qāla mā makkannī fīhi rabbī fa a‘īnūnī biquwwatin aj‘al bainakum wa bainahum radmā(n).
[95] Zulkarnaén ngawaler, “Sagala anu geus dikawasakeun ka kuring ku Pangéran kuring éta leuwih hadé (tibatan bayaran ti aranjeun). (Ayeuna mah) bantuan baé kuring ku tanaga. Kuring tangtu bakal mangnyieunkeun bénténg panghalang antara aranjeun jeung maranéhna.

اٰتُوْنِيْ زُبَرَ الْحَدِيْدِۗ حَتّٰىٓ اِذَا سَاوٰى بَيْنَ الصَّدَفَيْنِ قَالَ انْفُخُوْا ۗحَتّٰىٓ اِذَا جَعَلَهٗ نَارًاۙ قَالَ اٰتُوْنِيْٓ اُفْرِغْ عَلَيْهِ قِطْرًا ۗ٩٦
Ātūnī zubaral-ḥadīd(i), ḥattā iżā sāwā bainaṣ-ṣadafaini qālanfukhū, ḥattā iżā ja‘alahū nārā(n), qāla ātūnī ufrig ‘alaihi qiṭrā(n).
[96] Bawa ka kuring potongan-potongan beusi!” Barang geus papak beusi jeung puncak éta dua gunung, pok Zulkarnaén nyarios, “Geura tiupan (éta seuneu).” Waktu éta beusi jadi (buruhay lir ibarat) seuneu, Zulkarnaén nyarios, “Bawa ka kuring tambaga (anu geus leyur) ku kuring rék dikucurkeun di luhureun éta (beusi).

فَمَا اسْطَاعُوْٓا اَنْ يَّظْهَرُوْهُ وَمَا اسْتَطَاعُوْا لَهٗ نَقْبًا٩٧
Famasṭā‘ū ay yaẓharūhu wa mastaṭā‘ū lahū naqbā(n).
[97] Tah (ayeuna mah) maranéhna (Ya’juj jeung Ma’juj) moal bisa naékan ogé moal sanggup ngajebol éta (bénténg).”

قَالَ هٰذَا رَحْمَةٌ مِّنْ رَّبِّيْۚ فَاِذَا جَاۤءَ وَعْدُ رَبِّيْ جَعَلَهٗ دَكَّاۤءَۚ وَكَانَ وَعْدُ رَبِّيْ حَقًّا ۗ٩٨
Qāla hāżā raḥmatum mir rabbī, fa iżā jā'a wa‘du rabbī ja‘alahū dakkā'(a), wa kāna wa‘du rabbī ḥaqqā(n).
[98] Pok Zulkarnaén nyarios deui, “Ieu (bénténg) téh rahmat ti Pangéran kuring. Tah lamun geus datang jangji Pangéran kuring, Mantenna bakal ngancurkeun éta bénténg. Ari jangji Pangéran kuring téh éta (pasti) bener.”

۞ وَتَرَكْنَا بَعْضَهُمْ يَوْمَىِٕذٍ يَّمُوْجُ فِيْ بَعْضٍ وَّنُفِخَ فِى الصُّوْرِ فَجَمَعْنٰهُمْ جَمْعًا ۙ٩٩
Wa taraknā ba‘ḍahum yauma'iżiy yamūju fī ba‘ḍiw wa nufikha fiṣ-ṣūri fa jama‘nāhum jam‘ā(n).
[99] Dina poé harita Kami ngantep maranéhna (Ya’juj jeung Ma’juj) pacampur jeung sawaréhna deui. Waktu sangkakala ditiup, mangka Kami ngumpulkeun maranéhna kabéh.

وَّعَرَضْنَا جَهَنَّمَ يَوْمَىِٕذٍ لِّلْكٰفِرِيْنَ عَرْضًا ۙ١٠٠
Wa ‘araḍnā jahannama yauma'iżil lil-kāfirīna ‘arḍā(n).
[100] Dina poé harita Kami jagragkeun naraka Jahanam ka hareupeun jalma-jalma kapir,

ۨالَّذِيْنَ كَانَتْ اَعْيُنُهُمْ فِيْ غِطَاۤءٍ عَنْ ذِكْرِيْ وَكَانُوْا لَا يَسْتَطِيْعُوْنَ سَمْعًا ࣖ١٠١
Allażīna kānat a‘yunuhum fī giṭā'in ‘an żikrī wa kānū lā yastaṭī‘ūna sam‘ā(n).
[101] nyaéta jalma-jalma anu panonna (ati sanubarina) katutupan tina éling ka Kami, sedengkeun (ceulina) teu sanggupeun ngadéngé (pituduh Al-Qur’an).

اَفَحَسِبَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنْ يَّتَّخِذُوْا عِبَادِيْ مِنْ دُوْنِيْٓ اَوْلِيَاۤءَ ۗاِنَّآ اَعْتَدْنَا جَهَنَّمَ لِلْكٰفِرِيْنَ نُزُلًا١٠٢
Afaḥasibal-lażīna kafarū ay yattakhiżū ‘ibādī min dūnī auliyā'(a), innā a‘tadnā jahannama lil-kāfirīna nuzulā(n).
[102] Naha jalma-jalma kapir téh boga sangkaan kitu yén maranéhna téh bisa nyokot hamba-hamba Kami jadi panyalindungan salian ti Kami? Saenyana Kami geus nyadiakeun Jahanam tempat padumukan jalma-jalma kapir.

قُلْ هَلْ نُنَبِّئُكُمْ بِالْاَخْسَرِيْنَ اَعْمَالًا ۗ١٠٣
Qul hal nunabbi'ukum bil-akhsarīna a‘mālā(n).
[103] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Naha (perlu kitu) kami ngabéjaan ka maranéh ngeunaan jalma-jalma anu paling rugi amalna?

اَلَّذِيْنَ ضَلَّ سَعْيُهُمْ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَهُمْ يَحْسَبُوْنَ اَنَّهُمْ يُحْسِنُوْنَ صُنْعًا١٠٤
Al-lażīna ḍalla sa‘yuhum fil-ḥayātid-dun-yā wa hum yaḥsabūna annahum yuḥsinūna ṣun‘ā(n).
[104] Nyaéta jalma-jalma anu sasar lampahna dina kahirupan dunya tapi maranéhna boga sangkaan yén maranéhna téh saenyana keur milampah kahadéan.”

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ وَلِقَاۤىِٕهٖ فَحَبِطَتْ اَعْمَالُهُمْ فَلَا نُقِيْمُ لَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ وَزْنًا١٠٥
Ulā'ikal-lażīna kafarū bi'āyāti rabbihim wa liqā'ihī fa ḥabiṭat a‘māluhum falā nuqīma lahum yaumal-qiyāmati waznā(n).
[105] Tah nu karitu téh jalma-jalma anu kupur kana ayat-ayat Pangéranana tur kana patepungna sareng Mantenna. Amal-amalna téh mubah. Kami moal pisan-pisan ngajénan (amal) maranéhna dina Poé Kiamat.

ذٰلِكَ جَزَاۤؤُهُمْ جَهَنَّمُ بِمَا كَفَرُوْا وَاتَّخَذُوْٓا اٰيٰتِيْ وَرُسُلِيْ هُزُوًا١٠٦
Żālika jazā'uhum jahannamu bimā kafarū wattakhażū āyātī wa rusulī huzuwā(n).
[106] Tah kitu. Wawales pikeun maranéhna téh naraka Jahanam alatan maranéhna kupur jeung sok ngaheureuykeun ayat-ayat Kami jeung rasul-rasul Kami.

اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ كَانَتْ لَهُمْ جَنّٰتُ الْفِرْدَوْسِ نُزُلًا ۙ١٠٧
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti kānat lahum jannātul-firdausi nuzulā(n).
[107] Saenyana jalma-jalma anu iman sarta sok migawé amal-amal anu soléh bakal meunang sawarga Firdaos pikeun padumukanana.

خٰلِدِيْنَ فِيْهَا لَا يَبْغُوْنَ عَنْهَا حِوَلًا١٠٨
Khālidīna fīhā lā yabgūna ‘anhā ḥiwalā(n).
[108] Aranjeunna langgeng di dinyana jeung moal daékeun pindah deui ti dinya.

قُلْ لَّوْ كَانَ الْبَحْرُ مِدَادًا لِّكَلِمٰتِ رَبِّيْ لَنَفِدَ الْبَحْرُ قَبْلَ اَنْ تَنْفَدَ كَلِمٰتُ رَبِّيْ وَلَوْ جِئْنَا بِمِثْلِهٖ مَدَدًا١٠٩
Qul lau kānal-baḥru midādal likalimāti rabbī lanafidal-baḥru qabla an tanfada kalimāṭu rabbī wa lau ji'nā bimiṡlihī madadā(n).
[109] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Lamun seug téa mah lautan jadi mangsi pikeun (nyatet) kalimah-kalimah Pangéran kuring, tangtu bakal béak éta lautan saméméh béak (kacatet) kalimah-kalimah Pangéran kuring, sok sanajan Kami ngadatangkeun deui (cai laut) nu sarua lobana.”

قُلْ اِنَّمَآ اَنَا۠ بَشَرٌ مِّثْلُكُمْ يُوْحٰٓى اِلَيَّ اَنَّمَآ اِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌۚ فَمَنْ كَانَ يَرْجُوْا لِقَاۤءَ رَبِّهٖ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَّلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهٖٓ اَحَدًا ࣖ١١٠
Qul innamā ana basyarum miṡlukum yūḥā ilayya annamā ilāhukum ilāhuw wāḥid(un), faman kāna yarjū liqā'a rabbihī falya‘mal ‘amalan ṣāliḥaw wa lā yusyrik bi‘ibādati rabbihī aḥadā(n).
[110] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kuring téh manusa saperti aranjeun (ngan) kuring mah dipaparinan wahyu yén saenyana Pangéran aranjeun téh Pangéran Anu Tunggal. Mangka, saha baé anu miharep patepung jeung Pangéranana, manéhna kudu milampah amal soléh, jeung ulah rék nyarékatkeun dina ibadah ka Pangéranana jeung naon baé ogé.”