Surah An-Nahl

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَتٰىٓ اَمْرُ اللّٰهِ فَلَا تَسْتَعْجِلُوْهُ ۗسُبْحٰنَهٗ وَتَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ١
Atā amrullāhi falā tasta‘jilūh(u), subḥānahū wa ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[1] Katangtuan Allah geus pasti datangna. Ku kituna, maranéh teu kudu buru-buru ménta (didatangkeun) éta (perkara). Mahasuci Allah ogé Mahaluhung tina sagala anu sok dimusrikkeun ku maranéhna.

يُنَزِّلُ الْمَلٰۤىِٕكَةَ بِالرُّوْحِ مِنْ اَمْرِهٖ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖٓ اَنْ اَنْذِرُوْٓا اَنَّهٗ لَآ اِلٰهَ اِلَّآ اَنَا۠ فَاتَّقُوْنِ٢
Yunazzilul-malā'ikata bir-rūḥi min amrihī ‘alā may yasyā'u min ‘ibādihī an anżirū annahū lā ilāha illā ana fattaqūn(i).
[2] Mantenna ngalungsurkeun para malaikat mawa wahyu kalayan paréntah-Na ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna ti antara hamba-hamba-Na, (nyaéta ku dawuhan), “Prak aranjeun geura ngingetan (hamba-hamba Kami) yén saenyana taya Pangéran salian ti Kami (Allah). Tah ku kituna, aranjeun téh kudu takwa ka Kami (Allah).”

خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّۗ تَعٰلٰى عَمَّا يُشْرِكُوْنَ٣
Khalaqas-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqq(i), ta‘ālā ‘ammā yusyrikūn(a).
[3] Mantenna geus nyiptakeun langit sareng bumi kalayan ḥaq. Mahaluhung Allah tina sagala anu sok dimusrikkeun ku maranéhna.

خَلَقَ الْاِنْسَانَ مِنْ نُّطْفَةٍ فَاِذَا هُوَ خَصِيْمٌ مُّبِيْنٌ٤
Khalaqal-insāna min nuṭfatin fa iżā huwa khaṣīmum mubīn(un).
[4] Mantenna geus nyiptakeun manusa tina cai mani, tuluy sihoréng manéhna téh kalah ka jadi tukang ngabantah anu nyata.

وَالْاَنْعَامَ خَلَقَهَا لَكُمْ فِيْهَا دِفْءٌ وَّمَنَافِعُ وَمِنْهَا تَأْكُلُوْنَ٥
Wal-an‘āma khalaqahā lakum fīhā dif'uw wa manāfi‘u wa minhā ta'kulūn(a).
[5] Mantenna ogé geus nyiptakeun keur aranjeun sato ingon-ingon anu boga bulu (keur bahan pakéan) anu matak haneut, jeung mangpirang-pirang mangpaat séjénna. Ogé tina éta (sato ingon-ingon) téh (aya daging jeung susu keur) aranjeun dahar.

وَلَكُمْ فِيْهَا جَمَالٌ حِيْنَ تُرِيْحُوْنَ وَحِيْنَ تَسْرَحُوْنَۖ٦
Wa lakum fīhā jamālun ḥīna turīḥūna wa ḥīna tasraḥūn(a).
[6] Ogé dina éta (sato ingon-ingon) téh aya (pamandangan) anu éndah keur aranjeun, (nyaéta) waktu keur ngampihkeun jeung waktu keur ngencarkeun.

وَتَحْمِلُ اَثْقَالَكُمْ اِلٰى بَلَدٍ لَّمْ تَكُوْنُوْا بٰلِغِيْهِ اِلَّا بِشِقِّ الْاَنْفُسِۗ اِنَّ رَبَّكُمْ لَرَءُوْفٌ رَّحِيْمٌۙ٧
Wa taḥmilu aṡqālakum ilā baladil lam takūnū bāligīhi illā bisyiqqil-anfus(i), inna rabbakum lara'ūfur raḥīm(un).
[7] Éta ingon-ingon téh deui (aya anu sok dipaké) ngangkut babawaan aranjeun ka nagri anu aranjeun teu sanggup nepi ka dinya, iwal kalayan hésé béléké. Sabenerna Pangéran maranéh téh Mahadeudeuh (tur) Mahaasih

وَّالْخَيْلَ وَالْبِغَالَ وَالْحَمِيْرَ لِتَرْكَبُوْهَا وَزِيْنَةًۗ وَيَخْلُقُ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٨
Wal-khaila wal-bigāla wal-ḥamīra litarkabūhā wa zīnah(tan), wa yakhluqu mā lā ta‘lamūn(a).
[8] (Mantenna ogé geus nyiptakeun) kuda, bigal, jeung kaldé (keur) tumpakaneun aranjeun ogé (keur) kagindingan. Mantenna ogé nyiptakeun naon nu aranjeun teu (acan) nyaho.

وَعَلَى اللّٰهِ قَصْدُ السَّبِيْلِ وَمِنْهَا جَاۤىِٕرٌ ۗوَلَوْ شَاۤءَ لَهَدٰىكُمْ اَجْمَعِيْنَ ࣖ٩
Wa ‘alallāhi qaṣdus-sabīli wa minhā jā'ir(un), wa lau syā'a lahadākum ajma‘īn(a).
[9] Hak Allah (pikeun nerangkeun) jalan nu lempeng. Ti antara jalan-jalan aya jalan béngkok (nu moal nuduhkeun kana pituduh). Upami Mantenna ngersakeun mah tangtu bakal nuduhkeun ka aranjeun kabéh (kana jalan anu lempeng).

هُوَ الَّذِيْٓ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً لَّكُمْ مِّنْهُ شَرَابٌ وَّمِنْهُ شَجَرٌ فِيْهِ تُسِيْمُوْنَ١٠
Huwal-lażī anzala minas-samā'i mā'al lakum minhu syarābuw wa minhu syajarun fīhi tusīmūn(a).
[10] Mantenna anu nurunkeun cai (hujan) ti langit keur aranjeun, nu sabagianana jadi inumeun jeung nu sabagianana deui (pikeun nyuburkeun) tutuwuhan, nu di dinya aranjeun ngangon (sato ingon-ingon).

يُنْۢبِتُ لَكُمْ بِهِ الزَّرْعَ وَالزَّيْتُوْنَ وَالنَّخِيْلَ وَالْاَعْنَابَ وَمِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ١١
Yumbitu lakum bihiz-zar‘a waz-zaitūna wan-nakhīla wal-a‘nāba wa min kulliṡ-ṡamarāt(i), inna fī żālika la'āyatal liqaumiy yatafakkarūn(a).
[11] Mantenna numuwuhkeun ku éta (cai hujan) mangrupa-rupa tutuwuhan, jaitun, korma, anggur, jeung sagala rupa bubuahan pikeun aranjeun. Tah dina nu kitu téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom nu sok mikir.

وَسَخَّرَ لَكُمُ الَّيْلَ وَالنَّهَارَۙ وَالشَّمْسَ وَالْقَمَرَ ۗوَالنُّجُوْمُ مُسَخَّرٰتٌۢ بِاَمْرِهٖ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَۙ١٢
Wa sakhkhara lakumul-laila wan-nahār(a), wasy-syamsa wal-qamar(a), wan-nujūmu musakhkharātum bi'amrih(ī), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy ya‘qilūn(a).
[12] Mantenna ogé geus nundukkeun peuting jeung beurang (tur) panonpoé jeung bulan pikeun aranjeun. Béntang-béntang ogé tarunduk kalayan paréntah-Na. Tah dina éta perkara téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma nu ngarti.

وَمَا ذَرَاَ لَكُمْ فِى الْاَرْضِ مُخْتَلِفًا اَلْوَانُهٗ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّذَّكَّرُوْنَ١٣
Wa mā żara'a lakum fil-arḍi mukhtalifan alwānuh(ū), inna fī żālika la'āyatal liqaumiy yażżakkarūn(a).
[13] (Mantenna ogé nundukkeun) sagala nu didamel ku Mantenna pikeun aranjeun di ieu bumi nu rupa-rupa warnana. Tah saenyana dina éta perkara téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma nu ngalap atikan.

وَهُوَ الَّذِيْ سَخَّرَ الْبَحْرَ لِتَأْكُلُوْا مِنْهُ لَحْمًا طَرِيًّا وَّتَسْتَخْرِجُوْا مِنْهُ حِلْيَةً تَلْبَسُوْنَهَاۚ وَتَرَى الْفُلْكَ مَوَاخِرَ فِيْهِ وَلِتَبْتَغُوْا مِنْ فَضْلِهٖ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ١٤
Wa huwal-lażī sakhkharal-baḥra lita'kulū minhu laḥman ṭariyyaw wa tastakhrijū minhu ḥilyatan talbasūnahā, wa taral-fulka mawākhira fīhi wa litabtagū min faḍlihī wa la‘allakum tasykurūn(a).
[14] Mantenna téh anu nundukkeun lautan (keur aranjeun) sangkan aranjeun (bisa) ngadahar daging (lauk) nu seger, sangkan aranjeun (bisa) ngaluarkeun perhiasan nu sok diparaké (ku aranjeun), (sangkan) aranjeun bisa nénjo parahu (pating suruwuk) lalayaran (meulah cai), sangkan aranjeun (bisa) néangan sabagian kurnia-Na, jeung sangkan aranjeun téh sukuran.

وَاَلْقٰى فِى الْاَرْضِ رَوَاسِيَ اَنْ تَمِيْدَ بِكُمْ وَاَنْهٰرًا وَّسُبُلًا لَّعَلَّكُمْ تَهْتَدُوْنَۙ١٥
Wa alqā fil-arḍi rawāsiya an tamīda bikum wa anhāraw wa subulal la‘allakum tahtadūn(a).
[15] Mantenna mancegkeun gunung-gunung di ieu bumi sangkan bumi teu génjlong babarengan jeung aranjeun. (Mantenna ogé ngajadikeun) walungan-walungan jeung jalan-jalan sangkan aranjeun meunang pituduh (lamun keur nyanyabaan).

وَعَلٰمٰتٍۗ وَبِالنَّجْمِ هُمْ يَهْتَدُوْنَ١٦
Wa ‘alāmāt(in), wa bin-najmi hum yahtadūn(a).
[16] (Mantenna ngadamel) tanda-tanda (keur pituduh jalan), sarta ku (ayana) béntang-béntang maranéhna meunang pituduh (jalan).

اَفَمَنْ يَّخْلُقُ كَمَنْ لَّا يَخْلُقُۗ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ١٧
Afamay yakhluqu kamal lā yakhluq(u), afalā tażakkarūn(a).
[17] Naha sarua (Allah) nu ngadamel (mahluk) jeung (pangéran jijieunan maranéh) nu teu (bisa) nyieun (nanaon)? Naha maranéh téh teu bisa ngalap atikan?

وَاِنْ تَعُدُّوْا نِعْمَةَ اللّٰهِ لَا تُحْصُوْهَا ۗاِنَّ اللّٰهَ لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١٨
Wa in ta‘uddū ni‘matallāhi lā tuḥṣūhā, innallāha lagafūrur raḥīm(un).
[18] Lamun seug maranéh rék ngitung-ngitung ni’mat Allah, pasti maranéh moal mampu ngitungna. Saleresna Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.

وَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تُسِرُّوْنَ وَمَا تُعْلِنُوْنَ١٩
Wallāhu ya‘lamu mā tusirrūna wa mā tu‘linūn(a).
[19] Allah uninga kana sagala rupa perkara boh nu dirasiahkeun boh nu ditembrakkeun ku maranéh

وَالَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ لَا يَخْلُقُوْنَ شَيْـًٔا وَّهُمْ يُخْلَقُوْنَۗ٢٠
Wal-lażīna yad‘ūna min dūnillāhi lā yakhluqūna syai'aw wa hum yukhlaqūn(a).
[20] (Berhala-berhala) anu sok disarambat ku maranéhna sajaba ti Allah mah pan teu bisaeun nyieun nanaon, malah maranéhna ogé pan dijieun (ku manusa).

اَمْوَاتٌ غَيْرُ اَحْيَاۤءٍ ۗوَمَا يَشْعُرُوْنَۙ اَيَّانَ يُبْعَثُوْنَ ࣖ٢١
Amwātun gairu aḥyā'(in), wa mā yasy‘urūna ayyāna yub‘aṡūn(a).
[21] (Éta berhala-berhala téh banda) paéh, teu hirup, jeung teu nyahoeun iraha (nu nyarembahna) bakal diharudangkeun deui (tina kuburan).

اِلٰهُكُمْ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ ۚفَالَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ قُلُوْبُهُمْ مُّنْكِرَةٌ وَّهُمْ مُّسْتَكْبِرُوْنَ٢٢
Ilāhukum ilāhuw wāḥid(un), fal-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati qulūbuhum munkiratuw wa hum mustakbirūn(a).
[22] Pangéran aranjeun téh Pangéran Nu Mahatunggal. Anapon jalma-jalma nu teu iman kana (ayana) ahérat, haténa ingkar (kana kakawaaan Allah). Maranéhna téh jalma-jalma anu sombong.

لَا جَرَمَ اَنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا يُسِرُّوْنَ وَمَا يُعْلِنُوْنَ ۗاِنَّهٗ لَا يُحِبُّ الْمُسْتَكْبِرِيْنَ٢٣
Lā jarama annallāha ya‘lamu mā yusirrūna wa mā yu‘linūn(a), innahū lā yuḥibbul-mustakbirīn(a).
[23] Teu kudu disangsikeun deui yén saleresna Allah téh uninga kana naon anu dirasiahkeun tur anu ditembrakkeun ku maranéhna. Saleresna Mantenna téh teu mikaresep ka jalma-jalma anu takabur.

وَاِذَا قِيْلَ لَهُمْ مَّاذَآ اَنْزَلَ رَبُّكُمْ ۙقَالُوْٓا اَسَاطِيْرُ الْاَوَّلِيْنَ٢٤
Wa iżā qīla lahum māżā anzala rabbukum, qālū asāṭīrul-awwalīn(a).
[24] Lamun seug maranéhna ditanya, “Naon anu geus diturunkeun ku Pangéran aranjeun téh?” Maranéhna ngajawab, “Dongéng-dongéng jalma-jalma anu baheula.”

لِيَحْمِلُوْٓا اَوْزَارَهُمْ كَامِلَةً يَّوْمَ الْقِيٰمَةِ ۙوَمِنْ اَوْزَارِ الَّذِيْنَ يُضِلُّوْنَهُمْ بِغَيْرِ عِلْمٍ ۗ اَلَا سَاۤءَ مَا يَزِرُوْنَ ࣖ٢٥
Liyaḥmilū auzārahum kāmilatay yaumal-qiyāmah(ti), wa min auzāril-lażīna yuḍillūnahum bigairi ‘ilm(in), alā sā'a mā yazirūn(a).
[25] Dina Poé Kiamat, (ucapan maranéhna) nyebabkeun maranéhna bakal nanggung dosa-dosana sorangan kalayan utuh, ogé sawaréh dosa jalma-jalma nu disasarkeun ku maranéhna bari teu nyahoeun (yén maranéhna téh disasarkeun). Kadé sing inget kacida goréngna (dosa) anu ditangggung ku maranéhna téh.

قَدْ مَكَرَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَاَتَى اللّٰهُ بُنْيَانَهُمْ مِّنَ الْقَوَاعِدِ فَخَرَّ عَلَيْهِمُ السَّقْفُ مِنْ فَوْقِهِمْ وَاَتٰىهُمُ الْعَذَابُ مِنْ حَيْثُ لَا يَشْعُرُوْنَ٢٦
Qad makaral-lażīna min qablihim fa atallāhu bun-yānahum minal-qawā‘idi fa kharra ‘alaihimus-saqfu min fauqihim wa atāhumul-‘ażābu min ḥaiṡu lā yasy‘urūn(a).
[26] Saenyana jalma-jalma saméméh maranéhna ogé kungsi nyieun tipu daya. Nya (ku sabab kitu) Allah ngancurkeun imah-imah maranéhna mulai tina pondasi-pondasina nepi ka suhunan-suhunan luhureunana runtuh ninggang ka maranéhna. Éta siksaan téh datang ka maranéhna ti palebah nu teu disangka-sangka ku maranéhna.

ثُمَّ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ يُخْزِيْهِمْ وَيَقُوْلُ اَيْنَ شُرَكَاۤءِيَ الَّذِيْنَ كُنْتُمْ تُشَاۤقُّوْنَ فِيْهِمْ ۗقَالَ الَّذِيْنَ اُوْتُوا الْعِلْمَ اِنَّ الْخِزْيَ الْيَوْمَ وَالسُّوْۤءَ عَلَى الْكٰفِرِيْنَۙ٢٧
Ṡumma yaumal-qiyāmati yukhzīhim wa yaqūlu aina syurakā'iyal-lażīna kuntum tusyāqqūna fīhim, qālal-lażīna ūtul-‘ilma innal-khizyal-yauma was-sū'a ‘alal-kāfirīn(a).
[27] Tuluy Allah bakal ngahinakeun maranéhna engké dina Poé Kiamat. Mantenna ngadawuh, “Cik mana sarékat-sarékat Kami téh, nu ku sabab éta maranéh (baheula teu bosen-bosen terus) ngamusuhan (ka nabi-nabi jeung jalma-jalma nu iman)?” (Dina mangsa harita) jalma-jalma nu kungsi dibéré élmu nyarita, “Saenyana kahinaan jeung siksaan dina poé ieu téh tamplok ka jalma-jalma kapir.”

الَّذِيْنَ تَتَوَفّٰىهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ ظَالِمِيْٓ اَنْفُسِهِمْ ۖفَاَلْقَوُا السَّلَمَ مَا كُنَّا نَعْمَلُ مِنْ سُوْۤءٍ ۗبَلٰىٓ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌۢ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٢٨
Allażīna tatawaffāhumul-malā'ikatu ẓālimī anfusihim, fa alqawus-salama mā kunnā na‘malu min sū'(in), balā innallāha ‘alīmum bimā kuntum ta‘malūn(a).
[28] (Nyaéta) jalma-jalma nu dicabut nyawana ku para malaikat dina kaayaan dolim ka dirina sorangan, tuluy ahirna mah maranéhna serah bongkokan (bari majarkeun téh), “Abdi sadaya teu pisan-pisan midamel kaawonan.” (Para malaikat ngawaler), “Puguh enya, saenyana Allah mah Mahauninga kana sagala rupa nu geus dipilampah ku maranéh.”

فَادْخُلُوْٓا اَبْوَابَ جَهَنَّمَ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا ۗفَلَبِئْسَ مَثْوَى الْمُتَكَبِّرِيْنَ٢٩
Fadkhulū abwāba jahannama khālidīna fīhā, fa labi'sa maṡwal-mutakabbirīn(a).
[29] Geura arasup maranéh ka lawang-lawang naraka Jahanam. Maranéh langgeng salilana di dinya. Tah kacida goréngna pitempateun jalma-jalma nu takabur téh.

۞ وَقِيْلَ لِلَّذِيْنَ اتَّقَوْا مَاذَآ اَنْزَلَ رَبُّكُمْ ۗقَالُوْا خَيْرًا ۚلِلَّذِيْنَ اَحْسَنُوْا فِيْ هٰذِهِ الدُّنْيَا حَسَنَةٌ ۗوَلَدَارُ الْاٰخِرَةِ خَيْرٌ ۗوَلَنِعْمَ دَارُ الْمُتَّقِيْنَۙ٣٠
Wa qīla lil-lażīnattaqau māżā anzala rabbukum, qālū khairā(n), lil-lażīna aḥsanū fī hāżihid-dun-yā ḥasanah(tun), wa ladārul-ākhirati khair(un), wa lani‘ma dārul-muttaqīn(a).
[30] Lamun seug ditaroskeun ka jalma-jalma nu takwa, “Naon atuh anu parantos dilungsurkeun ku Pangéran aranjeun téh?” Aranjeunna ngawaler, “Kasaéan.” Pikeun jalma-jalma anu hadé (laku lampahna) di dunya kénéh bakal meunang kahadéan. Sabenerna nagri ahérat téh pasti leuwih hadé. Éta téh padumukan anu kalintang hadéna pikeun jalma-jalma anu takwa.

جَنّٰتُ عَدْنٍ يَّدْخُلُوْنَهَا تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ لَهُمْ فِيْهَا مَا يَشَاۤءُوْنَ ۗ كَذٰلِكَ يَجْزِى اللّٰهُ الْمُتَّقِيْنَۙ٣١
Jannātu ‘adniy yadkhulūnahā tajrī min taḥtihal-anhāru lahum fīhā mā yasyā'ūn(a), każālika yajzillāhul-muttaqīn(a).
[31] (Nyaéta) sawarga Aden anu aranjeunna téh bakal lebet ka dinya. Walungan-walungan cur-cor di handapeunana. Di éta sawarga téh aranjeunna kénging sagala rupi perkara nu dipikapalay. Tah kitu (carana) Allah males ka jalma-jalma anu takwa téh.

الَّذِيْنَ تَتَوَفّٰىهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ طَيِّبِيْنَ ۙيَقُوْلُوْنَ سَلٰمٌ عَلَيْكُمُ ادْخُلُوا الْجَنَّةَ بِمَا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٣٢
Allażīna tatawafāhumul-malā'ikatu ṭayyibīn(a), yaqūlūna salāmun ‘alaikumudkhulul-jannata bimā kuntum ta‘malūn(a).
[32] (Nyaéta) jalma-jalma anu dwapatkeun ku para malaikat dina kaayaan hadé. Para malaikat nyarios, “Kasalametan pikeun aranjeun. Prak geura lelebet aranjeun ka sawarga, alatan sagala nu parantos dipilampah ku aranjeun.”

هَلْ يَنْظُرُوْنَ اِلَّآ اَنْ تَأْتِيَهُمُ الْمَلٰۤىِٕكَةُ اَوْ يَأْتِيَ اَمْرُ رَبِّكَ ۗ كَذٰلِكَ فَعَلَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ ۗوَمَا ظَلَمَهُمُ اللّٰهُ وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ٣٣
Hal yanẓurūna illā an ta'tiyahumul-malā'ikatu au ya'tiya amru rabbik(a), każālika fa‘alal-lażīna min qablihim, wa mā ẓalamahumullāhu wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[33] Naha aya nu ku maranéhna (jalma-jalma kapir) rék ditungguan salian ti datangna para malaikat (pikeun nyabut nyawa maranéhna) atawa datangna paréntah (siksa) Pangéran hidep (Muhammad)? Tah kitu pisan kalakuan jalma-jalma nu saméméh maranéhna ogé. Allah mah teu dolim ka maranéhna, tapi maranéhna baé nu dolim ka dirina sorangan.

فَاَصَابَهُمْ سَيِّاٰتُ مَا عَمِلُوْا وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ٣٤
Fa aṣābahum sayyi'ātu mā ‘amilū wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[34] Ku kituna, maranéhna ditibanan ku siksa (akibat) kalakuan diri maranéhna sorangan jeung dilimpudan ku siksa nu baheulana sok diguguyonkeun ku maranéhna.

وَقَالَ الَّذِيْنَ اَشْرَكُوْا لَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ مَا عَبَدْنَا مِنْ دُوْنِهٖ مِنْ شَيْءٍ نَّحْنُ وَلَآ اٰبَاۤؤُنَا وَلَا حَرَّمْنَا مِنْ دُوْنِهٖ مِنْ شَيْءٍ ۗ كَذٰلِكَ فَعَلَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ ۚفَهَلْ عَلَى الرُّسُلِ اِلَّا الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ٣٥
Wa qālal-lażīna asyrakū lau syā'allāhu mā ‘abadnā min dūnihī min syai'in naḥnu wa lā ābā'unā wa lā ḥarramnā min dūnihī min syai'(in), każālika fa‘alal-lażīna min qablihim, fahal ‘alar-rusuli illal-balāgul-mubīn(u).
[35] Jalma-jalma anu musrik ngomong, “Lamun seug Allah ngersakeun mah, tangtu urang saréréa téh moal nyembah ka nu lian ti Mantenna, boh urang saréréa atawa karuhun urang saréréa. Urang saréréa ogé moal ngaharamkeun hiji perkara tanpa (widi) Mantenna.” Tah kitu pisan kalakuan jalma-jalma nu saméméh maranéhna ogé. Tapi apan kawajiban para rasul mah ngan ukur mangnepikeun (amanat Allah) kalayan jelas?

وَلَقَدْ بَعَثْنَا فِيْ كُلِّ اُمَّةٍ رَّسُوْلًا اَنِ اعْبُدُوا اللّٰهَ وَاجْتَنِبُوا الطَّاغُوْتَۚ فَمِنْهُمْ مَّنْ هَدَى اللّٰهُ وَمِنْهُمْ مَّنْ حَقَّتْ عَلَيْهِ الضَّلٰلَةُ ۗ فَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَانْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الْمُكَذِّبِيْنَ٣٦
Wa laqad ba‘aṡnā fī kulli ummatir rasūlan ani‘budullāha wajtanibuṭ-ṭāgūt(a), fa minhum man hadallāhu wa minhum man ḥaqqat ‘alaihiḍ-ḍalālah(tu), fa sīrū fil-arḍi fanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-mukażżibīn(a).
[36] Saenyana Kami geus ngangkat saurang rasul di saban-saban umat (nu ngawawarkeun), “Omat kudu ibadah ka Allah jeung kudu ngajauhan Ṭāgūt!” Nya ti antara maranéhna aya nu dipaparin pituduh ku Allah, jeung sawaréhna deui mah geus pasti aya dina kasasaran. Bral aranjeun geura lumampah di ieu bumi, pék tingali ku aranjeun kumaha akibatna jalma-jalma nu sok ngabohongkeun (rasul) téh!

اِنْ تَحْرِصْ عَلٰى هُدٰىهُمْ فَاِنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِيْ مَنْ يُّضِلُّ وَمَا لَهُمْ مِّنْ نّٰصِرِيْنَ٣٧
In taḥriṣ ‘alā hudāhum fa innallāha lā yahdī may yuḍillu wa mā lahum min nāṣirīn(a).
[37] Lamun seug hidep (Muhammad) ngupayakeun kalayan soson-soson pikeun méré pituduh ka maranéhna, saleresna Allah mah moal méré pituduh ka jalma nu geus disasarkeun (ku Mantenna), jeung moal aya (saurang ogé) nu bakal bisa nulungan ka maranéhna.

وَاَقْسَمُوْا بِاللّٰهِ جَهْدَ اَيْمَانِهِمْۙ لَا يَبْعَثُ اللّٰهُ مَنْ يَّمُوْتُۗ بَلٰى وَعْدًا عَلَيْهِ حَقًّا وَّلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ٣٨
Wa aqsamū billāhi jahda aimānihim, lā yab‘aṡullāhu may yamūt(u), balā wa‘dan ‘alaihi ḥaqqaw wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[38] Maranéhna bébéakan sumpah demi Allah, “Allah mah moal ngahudangkeun deui jalma nu geus maot.” Lain kitu, (Allah pasti bakal ngahudangkeun deui anu maot). (Éta téh) jangji nu pasti ditedunan ku Mantenna, ngan kalolobaan manusa teu nyarahoeun.

لِيُبَيِّنَ لَهُمُ الَّذِيْ يَخْتَلِفُوْنَ فِيْهِ وَلِيَعْلَمَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اَنَّهُمْ كَانُوْا كٰذِبِيْنَ٣٩
Liyubayyina lahumul-lażī yakhtalifūna fīhi wa liya‘lamal-lażīna kafarū annahum kānū-kāżibīn(a).
[39] Supaya Mantenna ngajelaskeun ka maranéhna perkara nu (kungsi) dipasaliakeun ku maranéhna, jeung sangkan jalma-jalma kapir nyahoeun yén maranéhna téh geuning jalma-jalma anu bohong.

اِنَّمَا قَوْلُنَا لِشَيْءٍ اِذَآ اَرَدْنٰهُ اَنْ نَّقُوْلَ لَهٗ كُنْ فَيَكُوْنُ ࣖ٤٠
Innamā qaulunā lisyai'in iżā aradnāhu an naqūla lahū kun fa yakūn(u).
[40] Saenyana dawuhan Kami kana hiji perkara lamun Kami geus ngersakeun, cukup ku ngadawuh ka éta perkara, “Jadi!” mangka jadi.

وَالَّذِيْنَ هَاجَرُوْا فِى اللّٰهِ مِنْۢ بَعْدِ مَا ظُلِمُوْا لَنُبَوِّئَنَّهُمْ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً ۗوَلَاَجْرُ الْاٰخِرَةِ اَكْبَرُۘ لَوْ كَانُوْا يَعْلَمُوْنَۙ٤١
Wal-lażīna hājarū fillāhi mim ba‘di mā ẓulimū lanubawwi'annahum fid-dun-yā ḥasanah(tan), wa la'ajrul-ākhirati akbar(u), lau kānū ya‘lamūn(a).
[41] Jalma-jalma anu hijrah karana Allah sanggeus didoliman, Kami pasti bakal méré tempat anu hadé keur aranjeunna di ieu dunya, jeung saenyana ganjaran di ahérat téh leuwih badag lamun seug aranjeunna nyahoeun mah.

الَّذِيْنَ صَبَرُوْا وَعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَ٤٢
Allażīna ṣabarū wa ‘alā rabbihim yatawakkalūn(a).
[42] (Nyaéta) jalma-jalma anu sabar sareng mung ka Allah wungkul aranjeunna tawekal.

وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ اِلَّا رِجَالًا نُّوْحِيْٓ اِلَيْهِمْ فَسْـَٔلُوْٓا اَهْلَ الذِّكْرِ اِنْ كُنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَۙ٤٣
Wa mā arsalnā min qablika illā rijālan nūḥī ilaihim fas'alū ahlaż-żikri in kuntum lā ta‘lamūn(a).
[43] Kami teu ngutus saméméh hidep (Muhammad), iwal ti ti sababaraha urang lalaki anu dipaparinan wahyu ku Kami. Sok geura tanyakeun ku aranjeun ka sakur nu jembar pangaweruhna mun aranjeun henteu nyaho mah.

بِالْبَيِّنٰتِ وَالزُّبُرِۗ وَاَنْزَلْنَآ اِلَيْكَ الذِّكْرَ لِتُبَيِّنَ لِلنَّاسِ مَا نُزِّلَ اِلَيْهِمْ وَلَعَلَّهُمْ يَتَفَكَّرُوْنَ٤٤
Bil-bayyināti waz-zubur(i), wa anzalnā ilaikaż-żikra litubayyina lin-nāsi mā nuzzila ilaihim wa la‘allahum yatafakkarūn(a).
[44] (Kami ngutus aranjeunna) kalayan (mawa) bukti-bukti anu jelas (mujijat) ogé kitab-kitab. Kami geus nurunkeun Al-Qur’an ka hidep (Muhammad) sangkan hidep (bisa) ngajelaskeun ka manusa naon anu geus diturunkeun ka maranéhna, ogé sangkan maranéhna napakuran.

اَفَاَمِنَ الَّذِيْنَ مَكَرُوا السَّيِّاٰتِ اَنْ يَّخْسِفَ اللّٰهُ بِهِمُ الْاَرْضَ اَوْ يَأْتِيَهُمُ الْعَذَابُ مِنْ حَيْثُ لَا يَشْعُرُوْنَۙ٤٥
Afa aminal-lażīna makarus-sayyi'āti ay yakhsifallāhu bihimul-arḍa au ya'tiyahumul-‘ażābu min ḥaiṡu lā yasy‘urūn(a).
[45] Naha jalma-jalma anu nyieun tipu daya anu jahat téh ngarasa aman kitu tina (musibah) bakal diambleskeunana bumi ku Allah sakalian jeung maranéhna, atawa tina datangna siksaan ti palebah anu teu kungsi disangka-sangka ku maranéhna?

اَوْ يَأْخُذَهُمْ فِيْ تَقَلُّبِهِمْ فَمَا هُمْ بِمُعْجِزِيْنَۙ٤٦
Au ya'khużahum fī taqallubihim famā hum bimu‘jizīn(a).
[46] Atawa (bisa ogé) Mantenna téh nyiksa maranéhna waktu keur nyaba nepi ka maranéhna teu bisa walakaya nolak (éta siksa)?

اَوْ يَأْخُذَهُمْ عَلٰى تَخَوُّفٍۗ فَاِنَّ رَبَّكُمْ لَرَءُوْفٌ رَّحِيْمٌ٤٧
Au ya'khużahum ‘alā takhawwuf(in), fa inna rabbakum lara'ūfur raḥīm(un).
[47] Atawa (bisa ogé) Mantenna nyiksa maranéhna saeutik-saeutik (nepi ka tumpur ludes)? Saenyana Allah téh Mahadeudeuh (tur) Mahaasih.

اَوَلَمْ يَرَوْا اِلٰى مَا خَلَقَ اللّٰهُ مِنْ شَيْءٍ يَّتَفَيَّؤُا ظِلٰلُهٗ عَنِ الْيَمِيْنِ وَالشَّمَاۤىِٕلِ سُجَّدًا لِّلّٰهِ وَهُمْ دَاخِرُوْنَ٤٨
Awalam yarau ilā mā khalaqallāhu min syai'iy yatafayya'u ẓilāluhū ‘anil-yamīni wasy-syamā'ili sujjadal lillāhi wa hum dākhirūn(a).
[48] Naha maranéhna henteu kungsi niténan kitu kana naon anu geus didamel ku Allah, anu kalangkangna pundah-pindah ka katuhu jeung ka kénca. Kabéhanana pada sujud ka Allah bari pada handap asor.

وَلِلّٰهِ يَسْجُدُ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِ مِنْ دَاۤبَّةٍ وَّالْمَلٰۤىِٕكَةُ وَهُمْ لَا يَسْتَكْبِرُوْنَ٤٩
Wa lillāhi yasjudu mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍi min dābbatiw wal-malā'ikatu wa hum yastakbirūn(a).
[49] Ka Allah wungkul sujud sadaya anu aya di langit jeung bumi ti mimiti (mahluk) anu kumarayap, ogé para malaikat, bari éta kabéhanana (malaikat) téh henteu gumedé

يَخَافُوْنَ رَبَّهُمْ مِّنْ فَوْقِهِمْ وَيَفْعَلُوْنَ مَا يُؤْمَرُوْنَ ࣖ ۩٥٠
Yakhāfūna rabbahum min fauqihim wa yaf‘alūna mā yu'marūn(a).
[50] Aranjeunna (para malaikat) ajrih ka Pangéranana nu (ngawasaan) luhureun aranjeunna sareng aranjeunna midamel naon anu diparéntahkeun ka aranjeunna.

۞ وَقَالَ اللّٰهُ لَا تَتَّخِذُوْٓا اِلٰهَيْنِ اثْنَيْنِۚ اِنَّمَا هُوَ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ فَاِيَّايَ فَارْهَبُوْنِ٥١
Wa qālallāhu lā tattakhiżū ilāhainiṡnain(i), innamā huwa ilāhuw wāḥidun fa iyyāya farhabūn(i).
[51] Allah ngadawuh, “Kadé ulah rék nyembah ka dua Pangéran, da saenyana Mantenna téh Pangéran Nu Mahatunggal. Tah ku kituna, ngan ka Kami wungkul maranéh kudu sieun téh.”

وَلَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَلَهُ الدِّيْنُ وَاصِبًاۗ اَفَغَيْرَ اللّٰهِ تَتَّقُوْنَ٥٢
Wa lahū mā fis-samāwāti wal-arḍi wa lahud-dīnu wāṣibā(n), afagairallāhi tattaqūn(a).
[52] Kagungan Mantenna sagala anu aya di langit sareng bumi, ogé mung kanggo Mantenna kataatan salalawasna. Naha maranéh rék takwa ka salian ti Allah kitu?

وَمَا بِكُمْ مِّنْ نِّعْمَةٍ فَمِنَ اللّٰهِ ثُمَّ اِذَا مَسَّكُمُ الضُّرُّ فَاِلَيْهِ تَجْـَٔرُوْنَۚ٥٣
Wa mā bikum min ni‘matin fa minallāhi ṡumma iżā massakumuḍ-ḍurru fa ilaihi taj'arūn(a).
[53] Naon baé kani’matan anu aya di maranéh, éta téh (jolna) ti Allah. Tuluy lamun seug maranéh kakeunaan ku madorot, apan ka Allah maranéh ménta tulung téh.

ثُمَّ اِذَا كَشَفَ الضُّرَّ عَنْكُمْ اِذَا فَرِيْقٌ مِّنْكُمْ بِرَبِّهِمْ يُشْرِكُوْنَۙ٥٤
Ṡumma iżā kasyafaḍ-ḍurra ‘ankum iżā farīqum minkum birabbihim yusyrikūn(a).
[54] Terus upama Mantenna geus ngaleungitkeun éta madarat ti maranéh, naha sabagian ti maranéh bet nyarékatkeun Pangéranana (jeung nu lian)?

لِيَكْفُرُوْا بِمَآ اٰتَيْنٰهُمْۗ فَتَمَتَّعُوْاۗ فَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَ٥٥
Liyakfurū bimā ātaināhum, fa tamatta‘ū fa saufa ta‘lamūn(a).
[55] Keun antepkeun maranéhna téh sina kupur kana sagala (ni'mat) nu geus dipaparinkeun ku Kami ka maranéhna. Ku kituna, sok maranéh geura senang-senang, da engke ogé maranéh bakal nyaho (naon balukarna pagawéan maranéh).

وَيَجْعَلُوْنَ لِمَا لَا يَعْلَمُوْنَ نَصِيْبًا مِّمَّا رَزَقْنٰهُمْۗ تَاللّٰهِ لَتُسْـَٔلُنَّ عَمَّا كُنْتُمْ تَفْتَرُوْنَ٥٦
Wa yaj‘alūna limā lā ya‘lamūna naṣībam mimmā razaqnāhum, tallāhi latus'alunna ‘ammā kuntum taftarūn(a).
[56] Maranéhna nyadiakeun bagian tina rejeki anu dikurniakeun ku Kami ka maranéhna keur (berhala-berhala) anu maranéhna sorangan teu nyaho (naon kakawasaan éta berhala). Demi Allah, saenyana maranéh téh bener-bener bakal ditanya ngeunaan sagala rupa perkara anu sok dijieun-jieun ku maranéh.

وَيَجْعَلُوْنَ لِلّٰهِ الْبَنٰتِ سُبْحٰنَهٗۙ وَلَهُمْ مَّا يَشْتَهُوْنَ٥٧
Wa yaj‘alūna lillāhil-banāti subḥānah(ū), wa lahum mā yasytahūn(a).
[57] Marenéhna netepkeun keur Allah anak-anak awéwé. Maha suci Allah, sedengkeun pikeun maranéhna sorangan naon nu dipikahayang ku maranéhna (nyaéta anak-anak lalaki).

وَاِذَا بُشِّرَ اَحَدُهُمْ بِالْاُنْثٰى ظَلَّ وَجْهُهٗ مُسْوَدًّا وَّهُوَ كَظِيْمٌۚ٥٨
Wa iżā busysyira aḥaduhum bil-unṡā ẓalla wajhuhū muswaddaw wa huwa kaẓīm(un).
[58] (Padahal,) lamun seug salah saurang ti maranéhna dibéjaan ngeunaan (lahirna) orok awéwé, reup wéh beungeutna jadi geuneuk maleukmeuk bari pohara ambekna,

يَتَوٰرٰى مِنَ الْقَوْمِ مِنْ سُوْۤءِ مَا بُشِّرَ بِهٖۗ اَيُمْسِكُهٗ عَلٰى هُوْنٍ اَمْ يَدُسُّهٗ فِى التُّرَابِۗ اَلَا سَاۤءَ مَا يَحْكُمُوْنَ٥٩
Yatawārā minal-qaumi min sū'i mā busysyira bih(ī), ayumsikuhū ‘alā hūnin am yadussuhū fit-turāb(i), alā sā'a mā yaḥkumūn(a).
[59] Manéhna susulumputan ti kaomna ku sabab éta béja goréng anu ditepikeun ka manéhna. Manéhna (mandeg mayong) naha rék miara éta orok bari (nanggung rasa) hina atawa rék ngubur (éta orok)? Sing inget, kacida goréngna naon anu ditetepkeun ku maranéhna téh.

لِلَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِالْاٰخِرَةِ مَثَلُ السَّوْءِۚ وَلِلّٰهِ الْمَثَلُ الْاَعْلٰىۗ وَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ ࣖ٦٠
Lil-lażīna lā yu'minūna bil-ākhirati maṡalus-sau'(i), wa lillāhil-maṡalul-a‘lā, wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[60] Jalma-jalma anu teu iman kana (kahirupan) ahérat ngabogaan sipat anu goréng, sedengkeun Allah kagungan sipat Nu Mahaluhur. Da Mantenna téh Mahagagah (tur) Mahawijaksana.

وَلَوْ يُؤَاخِذُ اللّٰهُ النَّاسَ بِظُلْمِهِمْ مَّا تَرَكَ عَلَيْهَا مِنْ دَاۤبَّةٍ وَّلٰكِنْ يُّؤَخِّرُهُمْ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّىۚ فَاِذَا جَاۤءَ اَجَلُهُمْ لَا يَسْتَأْخِرُوْنَ سَاعَةً وَّلَا يَسْتَقْدِمُوْنَ٦١
Wa lau yu'ākhiżullāhun-nāsa biẓulmihim mā taraka ‘alaihā min dābbatiw wa lākiy yu'akhkhiruhum ilā ajalim musammā(n), fa iżā jā'a ajaluhum lā yasta'khirūna sā‘ataw wa lā yastaqdimūn(a).
[61] Lamun seug Allah rék ngahukum manusa lantaran kadoliman maranéhna, mangka moal aya anu disésakeun ku Mantenna hiji ogé ti sakur anu kumarayap (di ieu bumi). Tapi, Mantenna méré témpo ka maranéhna nepi ka waktu anu geus ditangtukeun. Tah lamun geus datang waktuna, maranéhna moal bisa ménta diahirkeun atawa diheulakeun sok sanajan sakeudeung ogé.

وَيَجْعَلُوْنَ لِلّٰهِ مَا يَكْرَهُوْنَ وَتَصِفُ اَلْسِنَتُهُمُ الْكَذِبَ اَنَّ لَهُمُ الْحُسْنٰى لَا جَرَمَ اَنَّ لَهُمُ النَّارَ وَاَنَّهُمْ مُّفْرَطُوْنَ٦٢
Wa yaj‘alūna lillāhi mā yakrahūna wa taṣifu alsinatuhumul-każiba anna lahumul-ḥusnā lā jarama anna lahumun nāra wa annahum mufraṭūn(a).
[62] Marenéhna netepkeun pikeun Allah perkara anu ku maranéhna sorangan dipikageuleuh (nyaéta anak-anak awéwé), jeung letah-letahna sok ngomong bohong (majarkeun téh) maranéhna bakal meunang kahadéan. Padahal mah geus teu mangmang deui yén pikeun manéhna naraka, tur saenyana maranéhna téh bakal diheulakeun (asup ka dinya).

تَاللّٰهِ لَقَدْ اَرْسَلْنَآ اِلٰٓى اُمَمٍ مِّنْ قَبْلِكَ فَزَيَّنَ لَهُمُ الشَّيْطٰنُ اَعْمَالَهُمْ فَهُوَ وَلِيُّهُمُ الْيَوْمَ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٦٣
Tallāhi laqad arsalnā ilā umamim min qablika fa zayyana lahumusy-syaiṭānu a‘mālahum fa huwa waliyyuhumul-yauma wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[63] Demi Allah, saenyana Kami geus ngirimkeun rasul-rasul ka umat-umat saméméh hidep (Muhammad). Tuluy sétan mapaésan pagawéan-pagawéan maranéhna (anu goréng sangkan katingali jiga anu hadé). Nya dina poé harita mah pamingpin maranéhna téh sétan, jeung pikeun maranéhna siksa anu kacida peurihna.

وَمَآ اَنْزَلْنَا عَلَيْكَ الْكِتٰبَ اِلَّا لِتُبَيِّنَ لَهُمُ الَّذِى اخْتَلَفُوْا فِيْهِۙ وَهُدًى وَّرَحْمَةً لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٦٤
Wa mā anzalnā ‘alaikal-kitāba illā litubayyina lahumul-lażikhtalafū fīh(i), wa hudaw wa raḥmatal liqaumiy yu'minūn(a).
[64] Kami henteu nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep (Muhammad) anging supaya hidep ngajelaskeun ka maranéhna sagala perkara nu sok dipasaliakeun ku maranéhna, jeung supaya (éta Kitab téh) jadi pituduh ogé rahmat pikeun kaom anu iman.

وَاللّٰهُ اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَحْيَا بِهِ الْاَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَاۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّسْمَعُوْنَ ࣖ٦٥
Wallāhu anzala minas-samā'i mā'an fa aḥyā bihil-arḍa ba‘da mautihā, inna fī żālika la'āyatal liqaumiy yasma‘ūn(a).
[65] Allah geus nurunkeun cai (hujan) ti langit, terus ku éta hujan téh Mantenna ngahirupkeun deui bumi sanggeusna paéh. Tah saenyana dina éta (perkara) téh aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom anu sok ngaregepkeun.

وَاِنَّ لَكُمْ فِى الْاَنْعَامِ لَعِبْرَةً ۚ نُسْقِيْكُمْ مِّمَّا فِيْ بُطُوْنِهٖ مِنْۢ بَيْنِ فَرْثٍ وَّدَمٍ لَّبَنًا خَالِصًا سَاۤىِٕغًا لِّلشّٰرِبِيْنَ٦٦
Wa inna lakum fil-an‘āmi la‘ibrah(tan), nusqīkum mimmā fī buṭūnihī mim baini farṡiw wa damil labanan khāliṣan sā'igal lisy-syāribīn(a).
[66] Saenyana dina sato ingon-ingon ogé aya atikan keur aranjeun. Kami méré nginum ka aranjeun tina naon anu aya dina beuteung-beuteungna, nyaéta ti antara tai jeung getih mangrupa susu nu bersih tur seger karasana ku jalma-jalma anu nginumna.

وَمِنْ ثَمَرٰتِ النَّخِيْلِ وَالْاَعْنَابِ تَتَّخِذُوْنَ مِنْهُ سَكَرًا وَّرِزْقًا حَسَنًاۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٦٧
Wa min ṡamarātin nakhīli wal-a‘nābi tattakhiżūna minhu sakaraw wa rizqan ḥasanā(n), inna fī żālika la'āyatal liqaumiy ya‘qilūn(a).
[67] Tina buah korma ogé anggur, aranjeun (bisa) nyieun (arak) nu matak mabok ogé (bisa nyieun) rejeki (kadaharan) anu hadé. Saenyana dina éta perkara téh aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom anu sok malikir.

وَاَوْحٰى رَبُّكَ اِلَى النَّحْلِ اَنِ اتَّخِذِيْ مِنَ الْجِبَالِ بُيُوْتًا وَّمِنَ الشَّجَرِ وَمِمَّا يَعْرِشُوْنَۙ٦٨
Wa auḥā rabbuka ilan-naḥli anittakhiżī minal-jibāli buyūtaw wa minasy-syajari wa mimmā ya‘risyūn(a).
[68] Pangéran hidep (Muhammad) ogé geus maparin wahyu ka nyiruan, “Prak maranéh geura nyarieun sayang di gunung-gunung, dina tatangkalan, jeung di tempat-tempat nu dijarieun ku manusa,

ثُمَّ كُلِيْ مِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِ فَاسْلُكِيْ سُبُلَ رَبِّكِ ذُلُلًاۗ يَخْرُجُ مِنْۢ بُطُوْنِهَا شَرَابٌ مُّخْتَلِفٌ اَلْوَانُهٗ ۖفِيْهِ شِفَاۤءٌ لِّلنَّاسِۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ٦٩
Ṡumma kulī min kulliṡ-ṡamarāti faslukī subula rabbiki żululā(n), yakhruju mim buṭūnihā syarābum mukhtalifun alwānuhū fīhi syifā'ul lin-nās(i), inna fī żālika la'āyatal liqaumiy yatafakkarūn(a).
[69] tuluy pék geura baranghakan manéh (nyiruan) tina rupa-rupa bubuahan. Sok breng baé liwatan ku manéh (nyiruan) jalan-jalan nu geus disadiakeun ku Pangéran manéh.” Tah tina beuteung-beuteungna (éta nyiruan) kaluar inuman (madu) nu béda-béda warnana nu ngandung ubar pikeun manusa. Saenyana dina éta perkara téh aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom anu mikir.

وَاللّٰهُ خَلَقَكُمْ ثُمَّ يَتَوَفّٰىكُمْ وَمِنْكُمْ مَّنْ يُّرَدُّ اِلٰٓى اَرْذَلِ الْعُمُرِ لِكَيْ لَا يَعْلَمَ بَعْدَ عِلْمٍ شَيْـًٔاۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلِيْمٌ قَدِيْرٌ ࣖ٧٠
Wallāhu khalaqakum ṡumma yatawaffākum wa minkum may yuraddu ilā arżalil-‘umuri likai lā ya‘lama ba‘da ‘ilmin syai'ā(n), innallāha ‘alīmun qadīr(un).
[70] Allah geus nyiptakeun maranéh tuluy bakal ngamaotkeun maranéh. Ti antara maranéh aya nu dibalikkeun deui kana umur anu paling lemah-lemahna (pikun) nepi ka menéhna teu nyaho kana sagala nu geus dipikanyaho ku manéhna. Saleresna Allah téh Mahauninga (tur) Mahakawasa.

وَاللّٰهُ فَضَّلَ بَعْضَكُمْ عَلٰى بَعْضٍ فِى الرِّزْقِۚ فَمَا الَّذِيْنَ فُضِّلُوْا بِرَاۤدِّيْ رِزْقِهِمْ عَلٰى مَا مَلَكَتْ اَيْمَانُهُمْ فَهُمْ فِيْهِ سَوَاۤءٌۗ اَفَبِنِعْمَةِ اللّٰهِ يَجْحَدُوْنَ٧١
Wallāhu faḍḍala ba‘ḍakum ‘alā ba‘ḍin fir-rizq(i), famal-lażīna fuḍḍilū birāddī rizqihim ‘alā mā malakat aimānuhum fahum fīhi sawā'un afa bini‘matillāhi yajḥadūn(a).
[71] Allah geus ngaleuwihkeun sabagian maranéh saluhureun nu sabagianana deui dina urusan rejeki. Tapi (naha atuh) jalma-jalma nu dileuwihkeun (rejekina téh) bet tara daék méré mawéh ka budak beulian nu dipibanda ku maranéhna, supaya maranéhna (budak-budak beulian) ogé sarua (bisa ngasaan éta rejeki). Naha manaréhna téh rék ingkar kitu kana ni'mat Allah?

وَاللّٰهُ جَعَلَ لَكُمْ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ اَزْوَاجًا وَّجَعَلَ لَكُمْ مِّنْ اَزْوَاجِكُمْ بَنِيْنَ وَحَفَدَةً وَّرَزَقَكُمْ مِّنَ الطَّيِّبٰتِۗ اَفَبِالْبَاطِلِ يُؤْمِنُوْنَ وَبِنِعْمَتِ اللّٰهِ هُمْ يَكْفُرُوْنَۙ٧٢
Wallāhu ja‘ala lakum min anfusikum azwājaw wa ja‘ala lakum min azwājikum banīna wa ḥafadataw wa razaqakum minaṭ-ṭayyibāt(i), afabil-bāṭili yu'minūna wa bini‘matillāhi yakfurūn(a).
[72] Allah anu geus ngajadikeun pasangan-pasangan keur maranéh ti sabangsaning maranéh kenéh (jinis manusa), geus ngajadikeun keur maranéh anak-anak jeung incu-incu ti jodo-jodo maranéh, jeung geus ngarejekian maranéh ku (rejeki) anu alus. Naha atuh marenéhna téh bet iman ka nu batil, sedengkeun ari kana ni’mat Allah mah maranéhna téh bet kupur?

وَيَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مَا لَا يَمْلِكُ لَهُمْ رِزْقًا مِّنَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ شَيْـًٔا وَّلَا يَسْتَطِيْعُوْنَ ۚ٧٣
Wa ya‘budūna min dūnillāhi mā lā yamliku lahum rizqam minas-samāwāti wal-arḍi syai'aw wa lā yastaṭī‘ūn(a).
[73] Maranéhna kalah ka nyembah ka salian ti Allah, anu teu (kawasa) méré rejeki sautik-eutik acan ka maranéhna boh ti langit boh ti bumi, tur maranéhna téh teu walakaya.

فَلَا تَضْرِبُوْا لِلّٰهِ الْاَمْثَالَ ۗاِنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ وَاَنْتُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ٧٤
Falā taḍribū lillāhil-amṡāl(a), innallāha ya‘lamu wa antum lā ta‘lamūn(a).
[74] Ku kituna, omat maranéh ulah rék nyieun babandingan keur Allah. Saleresna Allah mah Mahauninga, sedengkeun maranéh mah henteu nyaho.

۞ ضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا عَبْدًا مَّمْلُوْكًا لَّا يَقْدِرُ عَلٰى شَيْءٍ وَّمَنْ رَّزَقْنٰهُ مِنَّا رِزْقًا حَسَنًا فَهُوَ يُنْفِقُ مِنْهُ سِرًّا وَّجَهْرًاۗ هَلْ يَسْتَوٗنَ ۚ اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ ۗبَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ٧٥
Ḍaraballāhu maṡalan ‘abdam mamlūkal lā yaqdiru ‘alā syai'iw wa mar razaqnāhu minnā rizqan ḥasanan fa huwa yunfiqu minhu sirraw wa jahrā(n), hal yastawūn(a), al-ḥamdu lillāh(i), bal akṡaruhum lā ya‘lamūn(a).
[75] Allah parantos ngadamel paupamaan hiji budak beulian nu teu walakaya, jeung hiji jalma nu direjekian ku Kami kalayan rejeki nu hadé, tuluy manéhna nyumbangkeun sabagian rejekina bari susulumputan ogé bari bruk-brak, naha maranéhna téh sarua? Sadaya puji kagungan Allah, ngan maranéhna lolobana mah teu nyahoeun. 515
515) Maksud ieu paupamaan téh nyaéta pikeun ngabantah pamadegan jalma-jalma musrik anu sok nyarua-nyaruakeun Allah Anu Maha Masihan-rejeki jeung patung-patung anu teu bisaeun nanaon.

وَضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا رَّجُلَيْنِ اَحَدُهُمَآ اَبْكَمُ لَا يَقْدِرُ عَلٰى شَيْءٍ وَّهُوَ كَلٌّ عَلٰى مَوْلٰىهُ ۗ اَيْنَمَا يُوَجِّهْهُّ لَا يَأْتِ بِخَيْرٍ ۖهَلْ يَسْتَوِيْ هُوَۙ وَمَنْ يَّأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَهُوَ عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ ࣖ٧٦
Wa ḍaraballāhu maṡalar rajulaini aḥaduhumā abkamu lā yaqdiru ‘alā syai'iw wa huwa kallun ‘alā maulāh(u), ainamā yuwajjihhu lā ya'ti bikhair(in), hal yastawī huw(a), wa may ya'muru bil-‘adli wa huwa ‘alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[76] Allah ngadamel deui paupamaan dua urang lalaki, nu saurang pireu teu bisaeun nanaon nepi ka manéhna ngan ukur jadi beban keur nu ngurusna. Ka mana baé dijurungkeun (kunu nanggungna) weléh teu ngadatangkeun kahadéan. Cing naha sarua jalma nu kitu jeung jalma anu nitah kana kaadilan, bari anjeunna tetep panceg dina jalan nu lempeng?

وَلِلّٰهِ غَيْبُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ وَمَآ اَمْرُ السَّاعَةِ اِلَّا كَلَمْحِ الْبَصَرِ اَوْ هُوَ اَقْرَبُۗ اِنَّ اللّٰهَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٧٧
Wa lillāhi gaibus-samāwāti wal-arḍ(i), wa mā amrus-sā‘ati illā kalamḥil-baṣari au huwa aqrab(u), innallāha ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[77] Kagungan Allah wungkul rasiah di langit jeung bumi. Kajadian Kiamat téh ngan ukur sakedét nétra atawa leuwih gancang deui. Saleresna Allah mah Mahakawasa kana sagala perkara.

وَاللّٰهُ اَخْرَجَكُمْ مِّنْۢ بُطُوْنِ اُمَّهٰتِكُمْ لَا تَعْلَمُوْنَ شَيْـًٔاۙ وَّجَعَلَ لَكُمُ السَّمْعَ وَالْاَبْصَارَ وَالْاَفْـِٕدَةَ ۙ لَعَلَّكُمْ تَشْكُرُوْنَ٧٨
Wallāhu akhrajakum mim buṭūni ummahātikum lā ta‘lamūna syai'ā(n), wa ja‘ala lakumus-sam‘a wal-abṣāra wal-af'idah(ta), la‘allakum tasykurūn(a).
[78] Allah ngaluarkeun maranéh tina jero beuteung indung maranéh (dina kaayaan) teu nyaraho nanaon, teras Mantenna mangdamelkeun pangdéngé, panénjo, jeung ati sanubari pikeun maranéh supaya maranéh pada sukuran.

اَلَمْ يَرَوْا اِلَى الطَّيْرِ مُسَخَّرٰتٍ فِيْ جَوِّ السَّمَاۤءِ ۗمَا يُمْسِكُهُنَّ اِلَّا اللّٰهُ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ٧٩
Alam yarau ilaṭ-ṭairi musakhkharātin fī jawwis-samā'(i), mā yumsikuhunna illallāh(u), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yu'minūn(a).
[79] Naha maranéhna henteu kungsi niténan manuk kitu nu ngalayang di awang-awang kalayan gampang? Teu aya nu nahan éta (manuk-manuk) anging Allah. Sabenerna dina éta perkara téh aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun kaom nu iman.

وَاللّٰهُ جَعَلَ لَكُمْ مِّنْۢ بُيُوْتِكُمْ سَكَنًا وَّجَعَلَ لَكُمْ مِّنْ جُلُوْدِ الْاَنْعَامِ بُيُوْتًا تَسْتَخِفُّوْنَهَا يَوْمَ ظَعْنِكُمْ وَيَوْمَ اِقَامَتِكُمْ ۙ وَمِنْ اَصْوَافِهَا وَاَوْبَارِهَا وَاَشْعَارِهَآ اَثَاثًا وَّمَتَاعًا اِلٰى حِيْنٍ٨٠
Wallāhu ja‘ala lakum mim buyūtikum sakanaw wa ja‘ala lakum min julūdil-an‘āmi buyūtan tastakhiffūnahā yauma ẓa‘nikum wa yauma iqāmatikum, wa min aṣwāfihā wa aubārihā wa asy‘ārihā aṡāṡaw wa matā‘an ilā ḥīn(in).
[80] Allah ngajantenkeun keur maranéh imah minangka tempat matuh. Mantenna ogé ngajantenkeun keur maranéh tina kulit sato ingon-ingon (minangka) imah (kémah) anu hampang (dibabawa) boh waktu nyaba, atawa waktu ngamukim. (Mantenna ogé ngajantenkeun) tina bulu-bulu domba, onta, jeung embé parabot ogé papaés nepi ka waktu (anu tangtu).

وَاللّٰهُ جَعَلَ لَكُمْ مِّمَّا خَلَقَ ظِلٰلًا وَّجَعَلَ لَكُمْ مِّنَ الْجِبَالِ اَكْنَانًا وَّجَعَلَ لَكُمْ سَرَابِيْلَ تَقِيْكُمُ الْحَرَّ وَسَرَابِيْلَ تَقِيْكُمْ بَأْسَكُمْ ۚ كَذٰلِكَ يُتِمُّ نِعْمَتَهٗ عَلَيْكُمْ لَعَلَّكُمْ تُسْلِمُوْنَ٨١
Wallāhu ja‘ala lakum mimmā khalaqa ẓilālaw wa ja‘ala lakum minal-jibāli aknānaw wa ja‘ala lakum sarābīla taqīkumul-ḥarra wa sarābīla taqīkum ba'sakum, każālika yutimmu ni‘matahū ‘alaikum la‘allakum tuslimūn(a).
[81] Allah ogé ngajantenkeun tina sagala rupa anu geus didamel ku Mantenna kalangkang (anu bisa jadi tempat ngiuhan) keur maranéh. Mantenna ogé ngajadikeun guha-guha di gunung-gunung pikeun (tempat ngiuhan) maranéh. Mantenna ogé ngajantenkeun keur maranéh pakéan keur ngahalangan maranéh tina panas (jeung tiris), jeung pakéan (mangrupa baju beusi) keur ngahalangan maranéh tina (pakarang) perang. Tah kitu (cara) Mantenna nyampurnakeun ni’mat-Na ka maranéh sangkan maranéh sumerah diri.

فَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنَّمَا عَلَيْكَ الْبَلٰغُ الْمُبِيْنُ٨٢
Fa in tawallau fa innamā ‘alaikal-balāgul-mubīn(u).
[82] Ngan lamun maranéhna tetep ngabalieur, mangka saenyana kawajiban hidep (Muhammad) mah ngan ukur mangnepikeun (amanat Allah) kalayan écés. 516
516) Nabi Muhammad Saw. moal tiasa masihan topék jeung hidayah ka saha baé ogé anging kalayan widi Allah. Tugas anjeunna mah ngan ukur nepikeun risalah.

يَعْرِفُوْنَ نِعْمَتَ اللّٰهِ ثُمَّ يُنْكِرُوْنَهَا وَاَكْثَرُهُمُ الْكٰفِرُوْنَ ࣖ٨٣
Ya‘rifūna ni‘matallāhi ṡumma yunkirūnahā wa akṡaruhumul-kāfirūn(a).
[83] Maranéhna téh nyaho kana ni’mat Allah, tuluy ingkar kana éta (ni’mat). Maranéhna téh kalolobaanana mah kapir.

وَيَوْمَ نَبْعَثُ مِنْ كُلِّ اُمَّةٍ شَهِيْدًا ثُمَّ لَا يُؤْذَنُ لِلَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَلَا هُمْ يُسْتَعْتَبُوْنَ٨٤
Wa yauma nab‘aṡu min kulli ummatin syahīdan ṡumma lā yu'żanu lil-lażīna kafarū wa lā hum yusta‘tabūn(a).
[84] (Sing inget kana) poéan (waktu) Kami ngangkat saurang saksi ti saban-saban umat. Tuluy jalma-jalma kapir mah moal diidinan (pikeun ngabéla dirina) jeung moal ogé (diidimam) ménta pangampura.

وَاِذَا رَاَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوا الْعَذَابَ فَلَا يُخَفَّفُ عَنْهُمْ وَلَا هُمْ يُنْظَرُوْنَ٨٥
Wa iżā ra'al-lażīna ẓalamul-‘ażāba falā yukhaffafu ‘anhum wa lā hum yunẓarūn(a).
[85] Lamun seug jalma-jalma anu dolim geus nénjo kana siksaan, nya maranéhna moal rék diénténgkeun (siksaan) ti maranéhna jeung moal diengkékeun deui.

وَاِذَا رَاَ الَّذِيْنَ اَشْرَكُوْا شُرَكَاۤءَهُمْ قَالُوْا رَبَّنَا هٰٓؤُلَاۤءِ شُرَكَاۤؤُنَا الَّذِيْنَ كُنَّا نَدْعُوْا مِنْ دُوْنِكَۚ فَاَلْقَوْا اِلَيْهِمُ الْقَوْلَ اِنَّكُمْ لَكٰذِبُوْنَۚ٨٦
Wa iżā ra'al-lażīna asyrakū syurakā'ahum qālū rabbanā hā'ulā'i syurakā'unal-lażīna kunnā nad‘ū min dūnik(a), fa alqau ilaihimul-qaula innakum lakāżibūn(a).
[86] Nalika jalma-jalma anu nyarékatkeun (Allah) geus nénjo sarékat-sarékat maranéhna, pok wéh maranéhna ngomong, “Nun Pangéran abdi sadaya, tah ieu sarékat-sarékat anu baheula sok disambat (disembah) ku abdi sadaya salian ti Gusti.” Ana pok téh éta (sarékat-sarékat) téh ngomong ka maranéhna, “Saenyana maranéh mah jalma-jalma tukang bohong.”

وَاَلْقَوْا اِلَى اللّٰهِ يَوْمَىِٕذِ ِۨالسَّلَمَ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ٨٧
Wa alqau ilallāhi yauma'iżinis-salama wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[87] Dina poé harita maranéhna ngedalkeun sumerah diri ka Allah, jeung sirna ti maranéhna sagala nu baheula kungsi dijieun-jieun ku maranéhna.

اَلَّذِيْنَ كَفَرُوْا وَصَدُّوْا عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ زِدْنٰهُمْ عَذَابًا فَوْقَ الْعَذَابِ بِمَا كَانُوْا يُفْسِدُوْنَ٨٨
Allażīna kafarū wa ṣaddū ‘an sabīlillāhi zidnāhum ‘ażāban fauqal-‘ażābi bimā kānū yufsidūn(a).
[88] (Pikeun) jalma-jalma anu kupur tur ngahalangan (batur) tina jalan Allah, Kami bakal nambahan siksaan demi siksaan ka maranéhna, sabab maranéhna sok milampah karuksakan.

وَيَوْمَ نَبْعَثُ فِيْ كُلِّ اُمَّةٍ شَهِيْدًا عَلَيْهِمْ مِّنْ اَنْفُسِهِمْ وَجِئْنَا بِكَ شَهِيْدًا عَلٰى هٰٓؤُلَاۤءِۗ وَنَزَّلْنَا عَلَيْكَ الْكِتٰبَ تِبْيَانًا لِّكُلِّ شَيْءٍ وَّهُدًى وَّرَحْمَةً وَّبُشْرٰى لِلْمُسْلِمِيْنَ ࣖ٨٩
Wa yauma nab‘aṡu fī kulli ummatin syahīdan ‘alaihim min anfusihim wa ji'nā bika syahīdan ‘alā hā'ulā'(i), wa nazzalnā ‘alaikal-kitāba tibyānal likulli syai'iw wa hudaw wa raḥmataw wa busyrā lil-muslimīn(a).
[89] (Sing inget) kana poéan (waktu) Kami ngangkat di saban-saban umat saurang saksi keur maranéhna ti golongan maranéhna sorangan jeung Kami ngadatangkeun hidep (Muhammad) pikeun jadi saksi keur maranéhna. Kami geus nurunkeun Kitab (Al-Qur’an) ka hidep sangkan (éta kitab téh) mertélakeun sagala rupa perkara, jeung sangkan jadi pituduh, rahmat, tur pangbubungah pikeun jalma-jalma muslim.

۞ اِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاۤئِ ذِى الْقُرْبٰى وَيَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ٩٠
Innallāha ya'muru bil-‘adli wal-iḥsāni wa ītā'i żil-qurbā wa yanhā ‘anil-faḥsyā'i wal-munkari wal-bagyi ya‘iẓukum la‘allakum tażakkarūn(a).
[90] Saleresna Allah nitah (ka maranéh) sangkan adil, milampah kahadéan, jeung béréhan ka dulur. Mantenna ogé nyegah (maranéh) tina (pagawéan) dosa, mungkar, jeung mumusuhan. Mantenna masihan atikan ka maranéh sangkan maranéh terus-terusan inget.

وَاَوْفُوْا بِعَهْدِ اللّٰهِ اِذَا عَاهَدْتُّمْ وَلَا تَنْقُضُوا الْاَيْمَانَ بَعْدَ تَوْكِيْدِهَا وَقَدْ جَعَلْتُمُ اللّٰهَ عَلَيْكُمْ كَفِيْلًا ۗاِنَّ اللّٰهَ يَعْلَمُ مَا تَفْعَلُوْنَ٩١
Wa aufū bi‘ahdillāhi iżā ‘āhattum wa lā tanquḍul-aimāna ba‘da taukīdihā wa qad ja‘altumullāha ‘alaikum kafīlā(n), innallāha ya‘lamu mā taf‘alūn(a).
[91] Prak geura cumponan jangji ka Allah lamun aranjeun geus jangji. Omat ulah rék ngarempak sumpah anu geus paheut. Komo deui lamun aranjeun geus netepkeun Allah jadi saksi pikeun nalingakeun aranjeun (dina urusan éta sumpah). Saleresna Allah téh Mahauninga kana naon baé nu dipigawé ku aranjeun.

وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّتِيْ نَقَضَتْ غَزْلَهَا مِنْۢ بَعْدِ قُوَّةٍ اَنْكَاثًاۗ تَتَّخِذُوْنَ اَيْمَانَكُمْ دَخَلًا ۢ بَيْنَكُمْ اَنْ تَكُوْنَ اُمَّةٌ هِيَ اَرْبٰى مِنْ اُمَّةٍ ۗاِنَّمَا يَبْلُوْكُمُ اللّٰهُ بِهٖۗ وَلَيُبَيِّنَنَّ لَكُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ مَا كُنْتُمْ فِيْهِ تَخْتَلِفُوْنَ٩٢
Wa lā takūnū kal-latī naqaḍat gazlahā mim ba‘di quwwatin ankāṡā(n), tattakhiżūna aimānakum dakhalam bainakum an takūna ummatun hiya arbā min ummah(tin), innamā yablūkumullāhu bih(ī), wa layubayyinanna lakum yaumal-qiyāmati mā kuntum fīhi takhtalifūn(a).
[92] Omat aranjeun ulah kawas (awéwé) anu ngudar tenunana sanggeus keker ditenun nepi ka jadi murudul deui, (nyaéta) aranjeun ngajadikeun sumpah-sumpah aranjeun minangka alat pikeun saling tipu di antara aranjeun, sabab aya hiji golongan (ngarasa) leuwih loba tibatan golongan nu lain. Saenyana mah Allah badé nguji aranjeun ku éta perkara, sareng Mantenna leres-leres bakal ngebréhkeun ka aranjeun (engké) dina Poé Kiamat sagala perkara anu (ayeuna) sok dipasaliakeun ku aranjeun.

وَلَوْ شَاۤءَ اللّٰهُ لَجَعَلَكُمْ اُمَّةً وَّاحِدَةً وَّلٰكِنْ يُّضِلُّ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُۗ وَلَتُسْـَٔلُنَّ عَمَّا كُنْتُمْ تَعْمَلُوْنَ٩٣
Wa lau syā'allāhu laja‘alakum ummataw wāḥidataw wa lākiy yuḍillu may yasyā'u wa yahdī may yasyā'(u), wa latus'alunna ‘ammā kuntum ta‘malūn(a).
[93] Saupami ngersakeun mah, tangtu Allah geus ngajadikeun aranjeun umat anu hiji wungkul, nanging Mantenna nyasarkeun saha baé nu dikersakeun ku Mantenna, sareng maparin pituduh ka saha baé nu dikeursakeun ku Mantenna. Aranjeun pasti bakal ditanya ngeunaan rupa-rupa perkara nu kungsi dipilampah ku aranjeun.

وَلَا تَتَّخِذُوْٓا اَيْمَانَكُمْ دَخَلًا ۢ بَيْنَكُمْ فَتَزِلَّ قَدَمٌۢ بَعْدَ ثُبُوْتِهَا وَتَذُوْقُوا السُّوْۤءَ بِمَا صَدَدْتُّمْ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ ۚوَلَكُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ٩٤
Wa lā tattakhiżū aimānakum dakhalam bainakum fa tazilla qadamum ba‘da ṡubūtihā wa tażūqus-sū'a bimā ṣadattum ‘an sabīlillāh(i), wa lakum ‘ażābun ‘aẓīm(un).
[94] Poma aranjeun ulah rék ngajadikeun sumpah-sumpah aranjeun minangka alat pikeun saling tipu di antara aranjeun, sabab bisi tipoléset dampal suku sanggeusna panceg, jeung aranjeun bakal ngarasakeun kagoréngan lantaran aranjeun geus ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, jeung pikeun aranjeun (bakal aya) siksa anu kacida beuratna.

وَلَا تَشْتَرُوْا بِعَهْدِ اللّٰهِ ثَمَنًا قَلِيْلًاۗ اِنَّمَا عِنْدَ اللّٰهِ هُوَ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ تَعْلَمُوْنَ٩٥
Wa lā tasytarū bi‘ahdillāhi ṡamanan qalīlā(n), innamā ‘indallāhi huwa khairul lakum in kuntum ta‘lamūn(a).
[95] Poma aranjeun ulah rék ngajual jangji ka Allah ku harga anu murah. Saenyana nu aya mungguhing Allah téh leuwih hadé pikeun aranjeun lamun seug aranjeun nyaho mah.

مَا عِنْدَكُمْ يَنْفَدُ وَمَا عِنْدَ اللّٰهِ بَاقٍۗ وَلَنَجْزِيَنَّ الَّذِيْنَ صَبَرُوْٓا اَجْرَهُمْ بِاَحْسَنِ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٩٦
Mā ‘indakum yanfadu wa mā ‘indallāhi bāq(in), wa lanajziyannal-lażīna ṣabarū ajrahum bi'aḥsani mā kānū ya‘malūn(a).
[96] Sagala nu aya di aranjeun bakal ancur, sedengkeun anu aya mungguhing Allah bakal langgeng. Kami pasti bakal ngaganjar jalma-jalma anu sabar ku ganjaran nu leuwih hadé tibatan naon nu geus dipilampah ku aranjeunna.

مَنْ عَمِلَ صَالِحًا مِّنْ ذَكَرٍ اَوْ اُنْثٰى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهٗ حَيٰوةً طَيِّبَةًۚ وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ اَجْرَهُمْ بِاَحْسَنِ مَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٩٧
Man ‘amila ṣāliḥam min żakarin au unṡā wa huwa mu'minun fa lanuḥyiyannahū ḥayātan ṭayyibah(tan), wa lanajziyannahum ajrahum bi'aḥsani mā kānū ya‘malūn(a).
[97] Saha baé nu migawé amal soléh boh lalaki atawa awéwé, bari jeung anjeunna mu’min, tangtu Kami bakal maparin ka anjeunna kahirupan anu hadé, jeung Kami pasti bakal ngaganjar maranéhna ku ganjaran anu leuwih hadé tibatan naon nu geus dipilampah ku maranéhna.

فَاِذَا قَرَأْتَ الْقُرْاٰنَ فَاسْتَعِذْ بِاللّٰهِ مِنَ الشَّيْطٰنِ الرَّجِيْمِ٩٨
Fa iżā qara'tal-qur'āna fasta‘iż billāhi minasy-syaiṭānir-rajīm(i).
[98] Lamun seug hidep rék maca Al-Qur’an, prak ménta panayangtungan ka Allah tina (gogoda) sétan anu dila’nat.

اِنَّهٗ لَيْسَ لَهٗ سُلْطٰنٌ عَلَى الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَلٰى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُوْنَ٩٩
Innahū laisa lahū sulṭānun ‘alal-lażīna āmanū wa ‘alā rabbihim yatawakkalūn(a).
[99] Saenyana sétan téh teu bogaeun pangaruh ka jalma-jalma anu iman jeung tawekal ka Pangéranana.

اِنَّمَا سُلْطٰنُهٗ عَلَى الَّذِيْنَ يَتَوَلَّوْنَهٗ وَالَّذِيْنَ هُمْ بِهٖ مُشْرِكُوْنَ ࣖ١٠٠
Innamā sulṭānuhū ‘alal-lażīna yatawallaunahū wal-lażīna hum bihī musyrikūn(a).
[100] Saenyana mah pangaruh sétan téh ngan ukur ka jalma-jalma anu ngajadikeun manéhna minangka pamingpin jeung ka jalma-jalma nu jadi musrik alatan tipu dayana.

وَاِذَا بَدَّلْنَآ اٰيَةً مَّكَانَ اٰيَةٍ ۙوَّاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا يُنَزِّلُ قَالُوْٓا اِنَّمَآ اَنْتَ مُفْتَرٍۗ بَلْ اَكْثَرُهُمْ لَا يَعْلَمُوْنَ١٠١
Wa iżā baddalnā āyatam makāna āyah(tin), wallāhu a‘lamu bimā yunazzilu qālū innamā anta muftar(in), bal akṡaruhum lā ya‘lamūn(a).
[101] Lamun seug Kami ngaganti hiji ayat di tempat ayat sejénna, padahal Allah téh langkung uninga kana naon anu turun (ti Mantenna), maranéhna ngomong, “Saenyana hidep (Muhammad) mah ngan ukur tukang nyieun kabohongan.” Malah mah kalolobaan maranéhna téh henteu nyaho.

قُلْ نَزَّلَهٗ رُوْحُ الْقُدُسِ مِنْ رَّبِّكَ بِالْحَقِّ لِيُثَبِّتَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَهُدًى وَّبُشْرٰى لِلْمُسْلِمِيْنَ١٠٢
Qul nazzalahū rūḥul-qudusi mir rabbika bil-ḥaqqi liyuṡabbital-lażīna āmanū wa hudaw wa busyrā lil-muslimīn(a).
[102] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) yén Ruhul Qudus (Jibril) geus nurunkeun Al-Qur’an ti Pangéran hidep kalayan ḥaq (bener tur mawa bebeneran), sangkan tambah panceg (haté) jalma-jalma anu iman, jeung (sangkan jadi) pituduh sarta béja pikabungaheun pikeun jalma-jalma muslim (nu sumerah diri ka Allah).

وَلَقَدْ نَعْلَمُ اَنَّهُمْ يَقُوْلُوْنَ اِنَّمَا يُعَلِّمُهٗ بَشَرٌۗ لِسَانُ الَّذِيْ يُلْحِدُوْنَ اِلَيْهِ اَعْجَمِيٌّ وَّهٰذَا لِسَانٌ عَرَبِيٌّ مُّبِيْنٌ١٠٣
Wa laqad na‘lamu annahum yaqūlūna innamā yu‘allimuhū basyar(un), lisānul-lażī yulḥidūna ilaihi a‘jamiyyuw wa hāżā lisānun ‘arabiyyum mubīn(un).
[103] Saenyana Kami nyaho yén maranéhna téh ngomong kieu, “Saenyana éta Al-Qur’an téh diajarkeun ka manéhna (Muhammad) nga ku saurang manusa.” Padahal lisan éta manusa anu disebut (sok ngajarkeun Al-Qur’an ka hidep) téh basa Ajam, sedengkeun pan ari Al-Qur’an mah maké basa Arab anu jelas.

اِنَّ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِۙ لَا يَهْدِيْهِمُ اللّٰهُ وَلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١٠٤
Innal-lażīna lā yu'minūna bi'āyātillāh(i), lā yahdīhimullāhu wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[104] Saenyana jalma-jalma anu teu iman kana ayat-ayat Allah (Al-Qur’an), Allah moal méré pituduh ka maranéhna, jeung keur maranéhna aya siksa nu kacida peurihna.

اِنَّمَا يَفْتَرِى الْكَذِبَ الَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ بِاٰيٰتِ اللّٰهِۚ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْكٰذِبُوْنَ١٠٥
Innamā yaftaril-każibal-lażīna lā yu'minūna bi'āyātillāh(i), ulā'ika humul-kāżibūn(a).
[105] Saenyana nu sok nyieun-nyieun kabohongan mah taya lian iwal ti jalma-jalma nu teu iman kana ayat-ayat Allah.Tah nu kararitu jalma-jalma tukang bohong téh.

مَنْ كَفَرَ بِاللّٰهِ مِنْۢ بَعْدِ اِيْمَانِهٖٓ اِلَّا مَنْ اُكْرِهَ وَقَلْبُهٗ مُطْمَىِٕنٌّۢ بِالْاِيْمَانِ وَلٰكِنْ مَّنْ شَرَحَ بِالْكُفْرِ صَدْرًا فَعَلَيْهِمْ غَضَبٌ مِّنَ اللّٰهِ ۗوَلَهُمْ عَذَابٌ عَظِيْمٌ١٠٦
Man kafara billāhi mim ba‘di īmānihī illā man ukriha wa qalbuhū muṭma'innum bil-īmāni wa lākim man syaraḥa bil-kufri ṣadran fa ‘alaihim gaḍabum minallāh(i), wa lahum ‘ażābun aẓīm(un).
[106] Saha baé jalma nu kupur ka Allah sanggeus manéhna iman, (mangka manéhna bakal meunang bebendon ti Allah), kajaba jalma nu dipaksa (kudu kapir) bari haténa mah ngarasa tengtrem ku iman. (Anu kitu mah henteu dosa). Tapi, jalma nu reueus dadana pikeun (narima) kakupuran, mangka pikeun maranéhna bebendon ti Allah jeung siksa nu pohara gedéna.

ذٰلِكَ بِاَنَّهُمُ اسْتَحَبُّوا الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا عَلَى الْاٰخِرَةِۙ وَاَنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِى الْقَوْمَ الْكٰفِرِيْنَ١٠٧
Żālika bi'annahumustaḥabbul-ḥayātad-dun-yā ‘alal-ākhirah(ti), wa annallāha lā yahdil-qaumal-kāfirīn(a).
[107] Éta téh alatan maranéhna leuwih mikaresep kahirupan dunya tibatan ahérat, jeung saleresna Allah moal maparin pituduh ka kaom anu kapir.

اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ طَبَعَ اللّٰهُ عَلٰى قُلُوْبِهِمْ وَسَمْعِهِمْ وَاَبْصَارِهِمْۗ وَاُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْغٰفِلُوْنَ١٠٨
Ulā'ikal-lażīna ṭaba‘allāhu ‘alā qulūbihim wa sam‘ihim wa abṣārihim, wa ulā'ika humul-gāfilūn(a).
[108] Tah éta téh jalma-jalma anu haténa, pangdéngéna, jeung panénjona geus dikonci ku Allah. Anu karitu pisan ogé jalma-jalma anu balangah téh.

لَا جَرَمَ اَنَّهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ هُمُ الْخٰسِرُوْنَ١٠٩
Lā jarama annahum fil-ākhirati humul-khāsirūn(a).
[109] Geus teu kudu sangsi deui yén saenyana maranéhna téh (engké) di ahérat (bakal ka asup golongan) jalma-jalma anu rugi.

ثُمَّ اِنَّ رَبَّكَ لِلَّذِيْنَ هَاجَرُوْا مِنْۢ بَعْدِ مَا فُتِنُوْا ثُمَّ جَاهَدُوْا وَصَبَرُوْاۚ اِنَّ رَبَّكَ مِنْۢ بَعْدِهَا لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١١٠
Ṡumma inna rabbaka lil-lażīna hājarū mim ba‘di mā futinū ṡumma jāhadū wa ṣabarū, inna rabbaka mim ba‘dihā lagafūrur raḥīm(un).
[110] Saterusna, saenyana Pangéran hidep (nangtayungan) ka jalma-jalma nu hijrah sanggeus maranéhna disiksa, terus jihad jeung sabar. Saenyana Pangéran hidep sabada éta bener-bener Maha Jembar-pangampura (tur) Mahadeudeuh.

۞ يَوْمَ تَأْتِيْ كُلُّ نَفْسٍ تُجَادِلُ عَنْ نَّفْسِهَا وَتُوَفّٰى كُلُّ نَفْسٍ مَّا عَمِلَتْ وَهُمْ لَا يُظْلَمُوْنَ١١١
Yauma ta'tī kullu nafsin tujādilu ‘an nafsihā wa tuwaffā kullu nafsim mā ‘amilat wa hum lā yuẓlamūn(a).
[111] (Sing inget kana) poéan (waktu) unggal jiwa datang pikeun ngabéla dirina masing-masing, jeung unggal jiwa bakal disampurnakeun (wawales) sagala rupa perkara nu geus dipilampah ku manéhna, bari moal didoliman.

وَضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا قَرْيَةً كَانَتْ اٰمِنَةً مُّطْمَىِٕنَّةً يَّأْتِيْهَا رِزْقُهَا رَغَدًا مِّنْ كُلِّ مَكَانٍ فَكَفَرَتْ بِاَنْعُمِ اللّٰهِ فَاَذَاقَهَا اللّٰهُ لِبَاسَ الْجُوْعِ وَالْخَوْفِ بِمَا كَانُوْا يَصْنَعُوْنَ١١٢
Wa ḍaraballāhu maṡalan qaryatan kānat āminatam muṭma'innatay ya'tīhā rizquhā ragadam min kulli makānin fa kafarat bi'an‘umillāhi fa ażāqahallāhu libāsal-jū‘i wal-khaufi bimā kānū yaṣna‘ūn(a).
[112] Allah parantos ngadamel paupamaan, (nyaéta) hiji nagri nu tadina aman tengtrem tur rejekina ceuyah datang ti unggal tempat, tapi (pangeusi) éta nagri téh kupur kana ni’mat-ni’mat Allah. Atuh éta (pangeusi) nagri téh disiksa ku Allah sina ngarasa lapar 517 jeung sieun, alatan naon nu geus dipigawé ku maranéhna.
517) Kalaparan jeung kasieun téh ngawengku maranéhna saperti pakéan nutupan awak.

وَلَقَدْ جَاۤءَهُمْ رَسُوْلٌ مِّنْهُمْ فَكَذَّبُوْهُ فَاَخَذَهُمُ الْعَذَابُ وَهُمْ ظٰلِمُوْنَ١١٣
Wa laqad jā'ahum rasūlum minhum fa każżabūhu fa akhażahumul-‘ażābu wa hum ẓālimūn(a).
[113] Saenyana geus datang ka maranéhna hiji rasul ti (golongan) maranéhna sorangan, tapi maranéhna ngabohongkeun ka éta rasul. Atuh maranéhna dibinasakeun ku siksa. Maranéhna téh jalma-jalma anu dolim.

فَكُلُوْا مِمَّا رَزَقَكُمُ اللّٰهُ حَلٰلًا طَيِّبًاۖ وَّاشْكُرُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ اِيَّاهُ تَعْبُدُوْنَ١١٤
Fa kulū mimmā razaqakumullāhu ḥalālan ṭayyibā(n), wasykurū ni‘matallāhi in kuntum iyyāhu ta‘budūn(a).
[114] Pék geura dalahar tina sawaréh rejeki nu geus dipaparinkeun ku Allah ka maranéh nu halal (tur) hadé, jeung prak geura sukuran kana ni’mat Allah, mun enya mah mung ka Mantenna wungkul aranjeun ibadah téh.

اِنَّمَا حَرَّمَ عَلَيْكُمُ الْمَيْتَةَ وَالدَّمَ وَلَحْمَ الْخِنْزِيْرِ وَمَآ اُهِلَّ لِغَيْرِ اللّٰهِ بِهٖۚ فَمَنِ اضْطُرَّ غَيْرَ بَاغٍ وَّلَا عَادٍ فَاِنَّ اللّٰهَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ١١٥
Innamā ḥarrama ‘alaikumul-maitata wad-dama wa laḥmal-khinzīri wa mā uhilla ligairillāhi bih(ī), famaniḍṭurra gaira bāgiw wa lā ‘ādin fa innallāha gafūrur raḥīm(un).
[115] Saenyana Mantenna téh ngan ngaharamkeun ka aranjeun bangké, getih, daging babi, jeung (sato) nu dipeuncit kalayan (nyebut ngaran) salian ti Allah. Tapi, saha baé jalma nu kapaksa (ngadaharna) lain ngahajakeun jeung teu kaleuleuwihi, saleresna Allah téh Maha Jembar-pangampura (tur) Mahadeudeuh.

وَلَا تَقُوْلُوْا لِمَا تَصِفُ اَلْسِنَتُكُمُ الْكَذِبَ هٰذَا حَلٰلٌ وَّهٰذَا حَرَامٌ لِّتَفْتَرُوْا عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَۗ اِنَّ الَّذِيْنَ يَفْتَرُوْنَ عَلَى اللّٰهِ الْكَذِبَ لَا يُفْلِحُوْنَۗ١١٦
Wa lā taqūlū limā taṣifu alsinatukumul-każiba hāżā ḥalāluw wa hāżā ḥarāmul litaftarū ‘alallāhil-każib(a), innal-lażīna yaftarūna ‘alallāhil-każiba lā yufliḥūn(a).
[116] Kadé maranéh ulah rék nyebutkeun ku lisan maranéh kecap anu bohong, “Anu ieu mah halal. Ari nu ieu mah haram,” pikeun jijieunan bohong ka Allah. Saenyana jalma-jalma anu sok jijieunan bohong ka Allah mah moal untung.

مَتَاعٌ قَلِيْلٌ ۖوَّلَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ١١٧
Matā‘un qalīl(un), wa lahum ‘ażābun alīm(un).
[117] (Éta jijieunan bohong ka Allah téh) kasenangan anu saeutik jeung keur maranéhna (geus disadiakeun) siksa anu kacida peurihna.

وَعَلَى الَّذِيْنَ هَادُوْا حَرَّمْنَا مَا قَصَصْنَا عَلَيْكَ مِنْ قَبْلُ ۗوَمَا ظَلَمْنٰهُمْ وَلٰكِنْ كَانُوْٓا اَنْفُسَهُمْ يَظْلِمُوْنَ١١٨
Wa ‘alal-lażīna hādū ḥarramnā mā qaṣaṣnā ‘alaika min qabl(u), wa mā ẓalamnāhum wa lākin kānū anfusahum yaẓlimūn(a).
[118] Ka urang Yahudi Kami geus ngaharamkeun naon nu saméméhna geus dicaritakeun ku Kami ka hidep (Muhammad). 518 Kami henteu dolim ka maranéhna, tapi maranéhna nu dolim ka dirina sorangan.
518) Tingali surat al-An`ām ayat 146.

ثُمَّ اِنَّ رَبَّكَ لِلَّذِيْنَ عَمِلُوا السُّوْۤءَ بِجَهَالَةٍ ثُمَّ تَابُوْا مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ وَاَصْلَحُوْٓا اِنَّ رَبَّكَ مِنْۢ بَعْدِهَا لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ ࣖ١١٩
Ṡumma inna rabbaka lil-lażīna ‘amilus-sū'a bijahālatin ṡumma tābū mim ba‘di żālika wa aṣlaḥū inna rabbaka mim ba‘dihā lagafūrur raḥīm(un).
[119] Sabenerna Pangéran hidep téh (ngahampura) ka jalma-jalma nu milampah kagoréngan lantaran bodo, tuluy tobat, tuluy ngoméan diri. Saenyana Pangéran hidep sanggeusna éta Maha Jembar-pangampura (tur) Mahadeudeuh.

اِنَّ اِبْرٰهِيْمَ كَانَ اُمَّةً قَانِتًا لِّلّٰهِ حَنِيْفًاۗ وَلَمْ يَكُ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَۙ١٢٠
Inna ibrāhīma kāna ummatan qānital lillāhi ḥanīfā(n), wa lam yaku minal-musyrikīn(a).
[120] Saenyana Ibrahim téh imam (tuturkeuneun) anu taat ka Allah, ḥanīf (lempeng), 519 jeung teu ka asup jalma-jalma musrik.
519) Ḥanīf téh hartina jalma nu salalawasna nyepeng pageuh kana bebeneran.

شَاكِرًا لِّاَنْعُمِهِ ۖاجْتَبٰىهُ وَهَدٰىهُ اِلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ١٢١
Syākiral li'an‘umih(ī), ijtabāhu wa hadāhu ilā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[121] (Anjeunna) sukuran kana ni’mat-ni’mat ti Mantenna. Allah geus milih jeung nungtun anjeunna kana jalan anu lempeng.

وَاٰتَيْنٰهُ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً ۗوَاِنَّهٗ فِى الْاٰخِرَةِ لَمِنَ الصّٰلِحِيْنَ ۗ١٢٢
Wa ātaināhu fid-dun-yā ḥasanah(tan), wa innahū fil-ākhirati laminaṣ-ṣāliḥīn(a).
[122] Kami geus maparin ka anjeunna kahadéan di dunya jeung saenyana (engké) di ahérat anjeunna téh kaasup jalma-jalma anu soléh.

ثُمَّ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ اَنِ اتَّبِعْ مِلَّةَ اِبْرٰهِيْمَ حَنِيْفًا ۗوَمَا كَانَ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٢٣
Ṡumma auḥainā ilaika anittabi‘ millata ibrāhīma ḥanīfā(n), wa mā kāna minal-musyrikīn(a).
[123] Tuluy Kami maparin wahyu ka hidep (Muhammad), “Pék tuturkeun ku hidep agama Ibrahim salaku (pigur) anu ḥanīf jeung lain ti (golongan) jalma-jalma musrik.

اِنَّمَا جُعِلَ السَّبْتُ عَلَى الَّذِيْنَ اخْتَلَفُوْا فِيْهِۗ وَاِنَّ رَبَّكَ لَيَحْكُمُ بَيْنَهُمْ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فِيْمَا كَانُوْا فِيْهِ يَخْتَلِفُوْنَ١٢٤
Innamā ju‘ilas-sabtu ‘alal-lażīnakhtalafū fīh(i), wa inna rabbaka layaḥkumu bainahum yaumal-qiyāmati fīmā kānū fīhi yakhtalifūn(a).
[124] Saenyana (ngamumulé) 520 poé Saptu téh ngan ukur diwajibkeun ka jalma-jalma (Yahudi) wungkul anu sok pasalia paham ngeunaan éta perkara. Saenyana Pangéran hidep (Muhammad) pasti bakal mutuskeun dina Poé Kiamat sagala rupa perkara nu kungsi dipasaliakeun ku maranéhna.
520) Urang Yahudi diwajibkeun ku Allah ngamumulé poé Saptu ku cara ngalobakeun ibadah jeung amal-amalan nu soléh sarta ninggalkeun pagawéan sapopoé.

اُدْعُ اِلٰى سَبِيْلِ رَبِّكَ بِالْحِكْمَةِ وَالْمَوْعِظَةِ الْحَسَنَةِ وَجَادِلْهُمْ بِالَّتِيْ هِيَ اَحْسَنُۗ اِنَّ رَبَّكَ هُوَ اَعْلَمُ بِمَنْ ضَلَّ عَنْ سَبِيْلِهٖ وَهُوَ اَعْلَمُ بِالْمُهْتَدِيْنَ١٢٥
Ud‘u ilā sabīli rabbika bil-ḥikmati wal-mau‘iẓatil-ḥasanati wa jādilhum bil-latī hiya aḥsan(u), inna rabbaka huwa a‘lamu biman ḍalla ‘an sabīlihī wa huwa a‘lamu bil-muhtadīn(a).
[125] Prak geura ajak (sakumna manusa) kana jalan Pangéran hidep (Muhammad) kalayan hikmah 521 jeung piwulang nu hadé, sarta pék ayonan ku hidep (omongan) manaréhna ku (omongan) anu leuwih hadé. Saleresna Pangéran hidep langkung uninga saha-saha baé jalma anu sasar tina jalan Mantenna, sareng langkung uninga saha-saha baé jalma-jalma nu narima pituduh.
521) Hikmah téh nyaéta caritaan nu jéntré tur bener nu bisa ngabédakeun anu haq jeung anu batil.

وَاِنْ عَاقَبْتُمْ فَعَاقِبُوْا بِمِثْلِ مَا عُوْقِبْتُمْ بِهٖۗ وَلَىِٕنْ صَبَرْتُمْ لَهُوَ خَيْرٌ لِّلصّٰبِرِيْنَ١٢٦
Wa in ‘āqabtum fa ‘āqibū bimiṡli mā ‘ūqibtum bih(ī), wa la'in ṣabartum lahuwa khairul liṣ-ṣābirīn(a).
[126] Saupamana baé aranjeun rék males, prak bales ku nu sabobot jeung (siksaan) nu kungsi ditibankeun ka aranjeun. 522 Lamun seug aranjeun sabar mah, tah nu kitu téh leuwih hadé pikeun jalma-jalma anu sabar mah.
522) Maksudna ulah kaleuleuwihi.

وَاصْبِرْ وَمَا صَبْرُكَ اِلَّا بِاللّٰهِ وَلَا تَحْزَنْ عَلَيْهِمْ وَلَا تَكُ فِيْ ضَيْقٍ مِّمَّا يَمْكُرُوْنَ١٢٧
Waṣbir wa mā ṣabruka illā billāhi wa lā taḥzan ‘alaihim wa lā taku fī ḍaiqim mimmā yamkurūn(a).
[127] Omat kudu sabar hidep (Muhammad)! Kasabaran hidep téh taya lian anging ku (pitulung) Allah. Ulah nalangsa hidep lantaran maranéhna (angger baé kapir), jeung (dada hidep) ulah (ngarasa) rupek tur sesek lantaran rekaperdaya nu direncanakeun ku maranéhna.

اِنَّ اللّٰهَ مَعَ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا وَّالَّذِيْنَ هُمْ مُّحْسِنُوْنَ ࣖ ۔١٢٨
Innallāha ma‘al-lażīnattaqau wal-lażīna hum muḥsinūn(a).
[128] Saleresna Allah nyarengan jalma-jalma anu takwa jeung nu migawé kahadéan.