Surah Al-Hijr

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤرٰ ۗتِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ وَقُرْاٰنٍ مُّبِيْنٍ ۔١
Alif lām rā, tilka āyātul-kitābi wa qur'ānim mubīn(in).
[1] Alif Lam Ra. 497 Éta téh (sawaréh tina) ayat-ayat al-Kitab, nyaéta (ayat-ayat) Al-Qur’an anu méré katerangan anu jelas.
497) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.

رُبَمَا يَوَدُّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْ كَانُوْا مُسْلِمِيْنَ٢
Rubamā yawaddul-lażīna kafarū lau kānū muslimīn(a).
[2] Jalma-jalma kapir (engké di ahérat) mindeng miharep lamun seug téa mah (baheula keur di alam dunya) maranéhna téh jadi jalma muslim.

ذَرْهُمْ يَأْكُلُوْا وَيَتَمَتَّعُوْا وَيُلْهِهِمُ الْاَمَلُ فَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ٣
Żarhum ya'kulū wa yatamatta‘ū wa yulhihimul-amalu fa saufa ya‘lamūn(a).
[3] Antepkeun baé maranéhna sina balakécrakan, senang-senang (di dunya), jeung sina dipohokeun ku harepan (anu kosong), da engké ogé maranéhna bakal nyaho (kana akibat pagawéanana).

وَمَآ اَهْلَكْنَا مِنْ قَرْيَةٍ اِلَّا وَلَهَا كِتَابٌ مَّعْلُوْمٌ٤
Wa mā ahlaknā min qaryatin illā wa lahā kitābum ma‘lūm(un).
[4] Moal sapati-pati Kami ngabinasakeun hiji nagri, kajaba nurutkeun kana titis tulis anu geus ditetepkeun pikeun éta nagri.

مَا تَسْبِقُ مِنْ اُمَّةٍ اَجَلَهَا وَمَا يَسْتَأْخِرُوْنَ٥
Mā tasbiqu min ummatin ajalahā wa mā yasta'khirūn(a).
[5] Moal aya hiji umat ogé anu bisa ngaheulakeun ajalna, ogé moal aya anu bisa ngamundurkeun (ajalna).

وَقَالُوْا يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْ نُزِّلَ عَلَيْهِ الذِّكْرُ اِنَّكَ لَمَجْنُوْنٌ ۗ٦
Wa qālū yā ayyuhal-lażī nuzzila ‘alaihiż-żikru innaka lamajnūn(un).
[6] Maranéhna (jalma-jalma kapir) ngomong, “Hé jalma anu (ngaku) geus diturunkeun ka manéhna Al-Qur’an, saenyana manéh (Muhammad) téh bener-bener jalma gélo.” 498
498) Kecap kitu téh mangrupa pangjejeléh ti jalma-jalma kapir Mekah ka Nabi Muhammad Saw.

لَوْمَا تَأْتِيْنَا بِالْمَلٰۤىِٕكَةِ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٧
Lau mā ta'tīnā bil-malā'ikati in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[7] Naha atuh manéh henteu ngadatangkeun malaikat ka kuring saréréa, lamun seug (enya mah) manéh téh kaasup jalma-jalma anu bener.”

مَا نُنَزِّلُ الْمَلٰۤىِٕكَةَ اِلَّا بِالْحَقِّ وَمَا كَانُوْٓا اِذًا مُّنْظَرِيْنَ٨
Mā nunazzilul-malā'ikata illā bil-ḥaqqi wa mā kānū iżam munẓarīn(a).
[8] Kami henteu nurunkeun malaikat, anging kalayan (alesan anu) bener (nyaéta pikeun nyiksa), jeung maranéhna dina mangsa harita moal dibéré témpo deui.

اِنَّا نَحْنُ نَزَّلْنَا الذِّكْرَ وَاِنَّا لَهٗ لَحٰفِظُوْنَ٩
Innā naḥnu nazzalnaż-żikra wa innā lahū laḥāfiẓūn(a).
[9] Saenyana nya Kami anu nurunkeun Al-Qur’an jeung pasti Kami pisan anu bakal ngajagana. 499
499) Ieu Ayat téh hiji jaminan pikeun kasucian jeung kamurnian Al-Qur’an salalawasna.

وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ فِيْ شِيَعِ الْاَوَّلِيْنَ١٠
Wa laqad arsalnā min qablika fī syiya‘il-awwalīn(a).
[10] Tétéla Kami bener-bener geus ngutus (rasul-rasul) saméméh hidep (Muhammad) ka umat-umat anu baheula.

وَمَا يَأْتِيْهِمْ مِّنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ١١
Wa mā ya'tīhim mir rasūlin illā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[11] Hanteu datang ka maranéhna hiji rasul, anging maranéhna téh teu weléh ngageuhgeuykeun ka éta (rasul).

كَذٰلِكَ نَسْلُكُهٗ فِيْ قُلُوْبِ الْمُجْرِمِيْنَۙ١٢
Każālika naslukuhū fī qulūbil-mujrimīn(a).
[12] Nya kitu pisan Kami ngasupkeun éta (guguyon téh) kana jero haté jalma-jalma anu lamokot ku dosa.

لَا يُؤْمِنُوْنَ بِهٖ وَقَدْ خَلَتْ سُنَّةُ الْاَوَّلِيْنَ١٣
Lā yu'minūna bihī wa qad khalat sunnatul-awwalīn(a).
[13] Maranéhna henteu daék iman kana éta (Al-Qur’an), padahal pan geus kungsi lumaku sunatullah 500 ka jalma-jalma anu baheula.
500) Sunatullah dina ieu ayat téh nyaéta Allah ngamusnahkeun jalma-jalma nu ngabohongkeun ka rasul-rasul.

وَلَوْ فَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَابًا مِّنَ السَّمَاۤءِ فَظَلُّوْا فِيْهِ يَعْرُجُوْنَۙ١٤
Wa lau fataḥnā ‘alaihim bābam minas-samā'i fa ẓallū fīhi ya‘rujūn(a).
[14] Lamun seug téa mah Kami mukakeun salah sahiji panto langit keur maranéhna, terus maranéhna naraék ka luhur,

لَقَالُوْٓا اِنَّمَا سُكِّرَتْ اَبْصَارُنَا بَلْ نَحْنُ قَوْمٌ مَّسْحُوْرُوْنَ ࣖ١٥
Laqālū innamā sukkirat abṣārunā bal naḥnu qaumum masḥūrūn(a).
[15] tangtu maranéhna ngomong kieu, “Saenyana téténjoan urang saréréa téh geus disarukeun, malah (sigana mah) urang saréréa téh kaom anu kasihir.”

وَلَقَدْ جَعَلْنَا فِى السَّمَاۤءِ بُرُوْجًا وَّزَيَّنّٰهَا لِلنّٰظِرِيْنَۙ١٦
Wa laqad ja‘alnā fis-samā'i burūjaw wa zayyannāhā lin-nāẓirīn(a).
[16] Saenyana Kami geus nyieun béntang-béntang anu baranang di langit, sarta Kami geus mapaésan langit (ku éta béntang-béntang) pikeun jalma-jalma anu nénjo (kana éta langit).

وَحَفِظْنٰهَا مِنْ كُلِّ شَيْطٰنٍ رَّجِيْمٍۙ١٧
Wa ḥafiẓnāhā min kulli syaiṭānir rajīm(in).
[17] Kami geus ngajaga éta (langit) tina saban (gangguan) sétan anu dikutuk

اِلَّا مَنِ اسْتَرَقَ السَّمْعَ فَاَتْبَعَهٗ شِهَابٌ مُّبِيْنٌ١٨
Illā manistaraqas-sam‘a fa atba‘ahū syihābum mubīn(un).
[18] kajaba (sétan) anu maling-maling (béja anu bisa) kadéngé (ti malaikat). Nya manéhna bakal dibeberik ku léntaban seuneu anu ngagurilap.

وَالْاَرْضَ مَدَدْنٰهَا وَاَلْقَيْنَا فِيْهَا رَوَاسِيَ وَاَنْۢبَتْنَا فِيْهَا مِنْ كُلِّ شَيْءٍ مَّوْزُوْنٍ١٩
Wal-arḍa madadnāhā wa alqainā fīhā rawāsiya wa ambatnā fīhā min kulli syai'im mauzūn(in).
[19] Kami geus ngamparkeun bumi, geus nancebkeun gunung-gunung di bumi, jeung geus melak rupa-rupa tutuwuhan di éta (bumi) kalayan ukuran (anu saimbang).

وَجَعَلْنَا لَكُمْ فِيْهَا مَعَايِشَ وَمَنْ لَّسْتُمْ لَهٗ بِرٰزِقِيْنَ٢٠
Wa ja‘alnā lakum fīhā ma‘āyisya wa mal lastum lahū birāziqīn(a).
[20] Kami ogé geus ngajadikeun di éta bumi (bahan-bahan) kabutuhan hirup keur maranéh. (Kami ogé geus nyiptakeun) mahluk-mahluk, anu lain urusan maranéh ngarijkianana

وَاِنْ مِّنْ شَيْءٍ اِلَّا عِنْدَنَا خَزَاۤىِٕنُهٗ وَمَا نُنَزِّلُهٗٓ اِلَّا بِقَدَرٍ مَّعْلُوْمٍ٢١
Wa im min syai'in illā ‘indanā khazā'inuhū wa mā nunazziluhū illā biqadarim ma‘lūm(un).
[21] Teu aya hiji perkara ogé, anging mungguhing Kami aya gudang-gudang panyimpenana. Kami teu nurunkeun éta perkara anging kalayan kadar anu geus ditangtukeun.

وَاَرْسَلْنَا الرِّيٰحَ لَوَاقِحَ فَاَنْزَلْنَا مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَسْقَيْنٰكُمُوْهُۚ وَمَآ اَنْتُمْ لَهٗ بِخٰزِنِيْنَ٢٢
Wa arsalnar-riyāḥa lawāqiha fa anzalnā minas-samā'i mā'an fa asqainākumūh(u), wa mā antum lahū bikhāzinīn(a).
[22] Kami geus ngirimkeun angin pikeun ngawinkeun (tutuwuhan). Kami ogé geus nurunkeun cai (hujan) ti langit, tuluy ku éta (cai) Kami méré nginum ka maranéh, padahal mah pan éta cai téh lain maranéh anu nyimpenna.

وَاِنَّا لَنَحْنُ نُحْيٖ وَنُمِيْتُ وَنَحْنُ الْوٰرِثُوْنَ٢٣
Wa innā lanaḥnu nuḥyī wa numītu wa naḥnul-wāriṡūn(a).
[23] Saenyana Kami nu ngahirupkeun jeung nu ngamaotkeun, sarta Kami (ogé) anu narima waris (na).

وَلَقَدْ عَلِمْنَا الْمُسْتَقْدِمِيْنَ مِنْكُمْ وَلَقَدْ عَلِمْنَا الْمُسْتَأْخِرِيْنَ٢٤
Wa laqad ‘alimnal-mustaqdimīna minkum wa laqad ‘alimnal-musta'khirīn(a).
[24] Kami bener-bener nyaho (saha baé) kaom-kaom saheulaeun aranjeun, jeung Kami ogé nyaho (saha baé) kaom-kaom sapandeurieun (aranjeun).

وَاِنَّ رَبَّكَ هُوَ يَحْشُرُهُمْۗ اِنَّهٗ حَكِيْمٌ عَلِيْمٌ ࣖ٢٥
Wa inna rabbaka huwa yaḥsyuruhum, innahū ḥakīmun ‘alīm(un).
[25] Saenyana Pangéran hidep, Mantenna téh bakal ngempelkeun maranéhna (sakabéh kaom). Saenyana Mantenna mah Mahawijaksana (tur) Mahauninga.

وَلَقَدْ خَلَقْنَا الْاِنْسَانَ مِنْ صَلْصَالٍ مِّنْ حَمَاٍ مَّسْنُوْنٍۚ٢٦
Wa laqad khalaqnal-insāna min ṣalṣālim min ḥama'im masnūn(in).
[26] Saenyana Kami bener-bener geus nyieun manusa tina taneuh liket anu garing (anu asalna) tina leutak hideung anu leucir anu diwangun.

وَالْجَاۤنَّ خَلَقْنٰهُ مِنْ قَبْلُ مِنْ نَّارِ السَّمُوْمِ٢٧
Wal-jānna khalaqnāhu min qablu min nāris-samūm(i).
[27] Saméméhna Kami geus nyieun jin tina seuneu anu pohara panasna.

وَاِذْ قَالَ رَبُّكَ لِلْمَلٰۤىِٕكَةِ اِنِّيْ خَالِقٌۢ بَشَرًا مِّنْ صَلْصَالٍ مِّنْ حَمَاٍ مَّسْنُوْنٍۚ٢٨
Wa iż qāla rabbuka lil-malā'ikati innī khāliqum basyaram min ṣalṣālim min ḥama'im masnūn(in).
[28] Sing inget waktu Pangéran hidep ngadawuh ka para malaikat, “Saenyana Kami rék nyieun manusa tina taneuh liket anu garing (anu asalna) tina leutak hideung anu leucir anu diwangun.

فَاِذَا سَوَّيْتُهٗ وَنَفَخْتُ فِيْهِ مِنْ رُّوْحِيْ فَقَعُوْا لَهٗ سٰجِدِيْنَ٢٩
Fa iżā sawwaituhū wa nafakhtu fīhi mir rūḥī fa qa‘ū lahū sājidīn(a).
[29] Tah engké lamun Kami geus nyampurnakeun (wujud) manéhna sarta geus niupkeun roh Kami ka manéhna, mangka prak aranjeun geura tunduk bari sujud ka manéhna.” 501
501) Nu dimaksud sujud di dieu lain sujud nyembah, tapi minangka panghormatan ka Adam.

فَسَجَدَ الْمَلٰۤىِٕكَةُ كُلُّهُمْ اَجْمَعُوْنَۙ٣٠
Fa sajadal-malā'ikatu kulluhum ajma‘ūn(a).
[30] Atuh brek baé malaikat téh pada sujud sadayana,

اِلَّآ اِبْلِيْسَۗ اَبٰىٓ اَنْ يَّكُوْنَ مَعَ السّٰجِدِيْنَ٣١
Illā iblīs(a), abā ay yakūna ma‘as-sājidīn(a).
[31] iwal ti iblis. Manéhna mah nolak milu sujud jeung (malaikat) anu sarujud.

قَالَ يٰٓاِبْلِيْسُ مَا لَكَ اَلَّا تَكُوْنَ مَعَ السّٰجِدِيْنَ٣٢
Qāla yā iblīsu mā laka allā takūna ma‘as-sājidīn(a).
[32] Allah ngadawuh, “Hé Iblis, ku naon manéh teu milu sujud bareng jeung (malaikat) anu sarujud?”

قَالَ لَمْ اَكُنْ لِّاَسْجُدَ لِبَشَرٍ خَلَقْتَهٗ مِنْ صَلْصَالٍ مِّنْ حَمَاٍ مَّسْنُوْنٍ٣٣
Qāla lam akul li'asjuda libasyarin khalaqtahū min ṣalṣālim min ḥama'im masnūn(in).
[33] Iblis némbalan, “Moal pisan-pisan abdi sujud ka jalma anu diciptakeun ku Salira (ngan ukur) tina taneuh liket anu garing (anu asalna) tina leutak hideung anu leucir anu diwangun.”

قَالَ فَاخْرُجْ مِنْهَا فَاِنَّكَ رَجِيْمٌۙ٣٤
Qāla fakhruj minhā fa innaka rajīm(un).
[34] Allah ngadawuh, “Jor atuh siah geura kaluar ti sawarga. Saenyana manéh téh dikutuk.”

وَّاِنَّ عَلَيْكَ اللَّعْنَةَ اِلٰى يَوْمِ الدِّيْنِ٣٥
Wa inna ‘alaikal-la‘nata ilā yaumid-dīn(i).
[35] Saenyana keur manéh la’nat nepi ka Poé Kiamat.

قَالَ رَبِّ فَاَنْظِرْنِيْٓ اِلٰى يَوْمِ يُبْعَثُوْنَ٣٦
Qāla rabbi fa anẓirnī ilā yaumi yub‘aṡūn(a).
[36] Iblis némbalan, “Nun Gusti Pangéran abdi, pasihan atuh abdi témpo dugi ka dintenan maranéhna (manusa) dihudangkeun deui (tina kubur).”

قَالَ فَاِنَّكَ مِنَ الْمُنْظَرِيْنَۙ٣٧
Qāla fa innaka minal-munẓarīn(a).
[37] Allah ngadawuh, “Saenyana manéh téh kaasup golongan anu dibaréré témpo

اِلٰى يَوْمِ الْوَقْتِ الْمَعْلُوْمِ٣٨
Ilā yaumil-waqtil-ma‘lūm(i).
[38] nepi ka waktu poé anu geus ditetepkeun (Kiamat).”

قَالَ رَبِّ بِمَآ اَغْوَيْتَنِيْ لَاُزَيِّنَنَّ لَهُمْ فِى الْاَرْضِ وَلَاُغْوِيَنَّهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٣٩
Qāla rabbi bimā agwaitanī la'uzayyinanna lahum fil-arḍi wa la'ugwiyannahum ajma‘īn(a).
[39] Iblis némbalan, “Nun Gusti Pangéran abdi, ku margi Gusti parantos nyasarkeun abdi, tangtos abdi di bumi badé soson-soson mapaésan (lampah ma’siat sangkan katingali hadé) ku maranéhna (manusa), sareng abdi pasti badé soson-soson nyasarkeun maranéhna kabéh,

اِلَّا عِبَادَكَ مِنْهُمُ الْمُخْلَصِيْنَ٤٠
Illā ‘ibādaka minhumul-mukhlaṣīn(a).
[40] iwal ti hamba-hamba Gusti anu ihlas ti antawis maranéhna.”

قَالَ هٰذَا صِرَاطٌ عَلَيَّ مُسْتَقِيْمٌ٤١
Qāla hāżā ṣirāṭun ‘alayya mustaqīm(un).
[41] Allah ngadawuh, “Tah ieu téh jalan anu lempeng anu dijamin ku Kami (ditunjukkeun ka éta hamba-hamba).

اِنَّ عِبَادِيْ لَيْسَ لَكَ عَلَيْهِمْ سُلْطٰنٌ اِلَّا مَنِ اتَّبَعَكَ مِنَ الْغَاوِيْنَ٤٢
Inna ‘ibādī laisa laka ‘alaihim sulṭānun illā manittaba‘aka minal-gāwīn(a).
[42] Saenyana manéh teu boga kawasa ka hamba-hamba Kami, iwal ka anu nuturkeun manéh, ti antara jalma-jalma anu sasar.”

وَاِنَّ جَهَنَّمَ لَمَوْعِدُهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٤٣
Wa inna jahannama lamau‘iduhum ajma‘īn(a).
[43] Saenyana Jahanam téh (tempat anu geus) dijangjikeun pikeun maranéhna (anu miluan sétan) kabéh.

لَهَا سَبْعَةُ اَبْوَابٍۗ لِكُلِّ بَابٍ مِّنْهُمْ جُزْءٌ مَّقْسُوْمٌ ࣖ٤٤
Lahā sab‘atu abwāb(in), likulli bābim minhum juz'um maqsūm(un).
[44] Jahanam téh boga tujuh panto. Unggal panto (geus ditetepkeun) pikeun golongan anu geus ditangtukeun ti antara maranéhna.

اِنَّ الْمُتَّقِيْنَ فِيْ جَنّٰتٍ وَّعُيُوْنٍۗ٤٥
Innal-muttaqīna fī jannātiw wa ‘uyūn(in).
[45] Saenyana jalma-jalma anu takwa mah aya dina taman-taman (sawarga) jeung (deukeut kana) mangpirang-pirang cinyusu (anu ngocor).

اُدْخُلُوْهَا بِسَلٰمٍ اٰمِنِيْنَ٤٦
Udkhulūhā bisalāmin āminīn(a).
[46] (Allah ngadawuh), “Sok aranjeun geura asup ka dinya kalayan salamet tur aman!”

وَنَزَعْنَا مَا فِيْ صُدُوْرِهِمْ مِّنْ غِلٍّ اِخْوَانًا عَلٰى سُرُرٍ مُّتَقٰبِلِيْنَ٤٧
Wa naza‘nā mā fī ṣudūrihim min gillin ikhwānan ‘alā sururim mutaqābilīn(a).
[47] Kami nyabut sagala rasa dengdem anu aya dina jero haté aranjeunna, atuh aranjeunna ngarasa jadi sadulur (jeung) darariuk pahareup-hareup dina dipan-dipan.

لَا يَمَسُّهُمْ فِيْهَا نَصَبٌ وَّمَا هُمْ مِّنْهَا بِمُخْرَجِيْنَ٤٨
Lā yamassuhum fīhā naṣabuw wa mā hum minhā bimukhrajīn(a).
[48] Aranjeunna teu ngarasa capé di jero sawarga mah, jeung aranjeunna moal dikaluarkeun deui ti dinya.

۞ نَبِّئْ عِبَادِيْٓ اَنِّيْٓ اَنَا الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُۙ٤٩
Nabbi' ‘ibādī annī anal-gafūrur-raḥīm(u).
[49] Pék béjakeun ku hidep (Muhammad) ka hamba-hamba Kami yén Kami téh bener-bener Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih,

وَاَنَّ عَذَابِيْ هُوَ الْعَذَابُ الْاَلِيْمُ٥٠
Wa anna ‘ażābī huwal-‘ażābul-alīm(u).
[50] jeung saenyana siksa Kami téh kacida pisan nyerina.

وَنَبِّئْهُمْ عَنْ ضَيْفِ اِبْرٰهِيْمَۘ٥١
Wa nabbi'hum ‘an ḍaifi ibrāhīm(a).
[51] Pék béjakeun ku hidep (Muhammad) ka maranéhna ngeunaan (malaikat) tamuna Ibrahim.

اِذْ دَخَلُوْا عَلَيْهِ فَقَالُوْا سَلٰمًاۗ قَالَ اِنَّا مِنْكُمْ وَجِلُوْنَ٥٢
Iż dakhalū ‘alaihi fa qālū salāmā(n), qāla innā minkum wajilūn(a).
[52] Nalika éta tamu lalebet ka (bumina) Ibrahim, teras aranjeunna uluk salam. Ibrahim nyarios, “Saenyana sim kuring ngaraos hariwang ku (kasumpingan) aranjeun téh!”

قَالُوْا لَا تَوْجَلْ اِنَّا نُبَشِّرُكَ بِغُلٰمٍ عَلِيْمٍ٥٣
Qālū lā taujal innā nubasysyiruka bigulāmin ‘alīm(in).
[53] Para tatamu ngawaler, “Salira tong hariwang, margi saleresna (maksad kadongkapan) abdi sadaya téh badé ngadugikeun ka salira wartos anu pikabingaheun, (saperkawis bakal lahirna) putra pameget anu luhung élmuna (Ishaq).”

قَالَ اَبَشَّرْتُمُوْنِيْ عَلٰٓى اَنْ مَّسَّنِيَ الْكِبَرُ فَبِمَ تُبَشِّرُوْنَ٥٤
Qāla abasysyartumūnī ‘alā am massaniyal-kibaru fa bima tubasysyirūn(a).
[54] Ibrahim ngawaler, “Naha aranjeun téh bade ngadugikeun wartos ka sim kuring (yén sim kuring téh badé kagungan putra). Apan sim kuring téh parantos sakieu kolotna. Kumaha carana (tiasa tinekanan) wartos pikabingaheun anu didugikeun ku aranjeun?”

قَالُوْا بَشَّرْنٰكَ بِالْحَقِّ فَلَا تَكُنْ مِّنَ الْقٰنِطِيْنَ٥٥
Qālū basysyarnāka bil-ḥaqqi falā takum minal-qāniṭīn(a).
[55] Para tatamu ngawaler, “Abdi sadaya téh ngadugikeun wartos ka salira kalayan saleresna, (ku margi kitu) omat salira tong kalebet jalma-jalma anu sok putus asa.”

قَالَ وَمَنْ يَّقْنَطُ مِنْ رَّحْمَةِ رَبِّهٖٓ اِلَّا الضَّاۤلُّوْنَ٥٦
Qāla wa may yaqnaṭu mir raḥmati rabbihī illaḍ-ḍāllūn(a).
[56] Ibrahim nyarios, “Taya jalma anu putus asa tina rahmat Pangéranana iwal ti jalma-jalma anu sasar.”

قَالَ فَمَا خَطْبُكُمْ اَيُّهَا الْمُرْسَلُوْنَ٥٧
Qāla famā khaṭbukum ayyuhal-mursalūn(a).
[57] Ibrahim nyarios, “Na aya deui urusan aranjeun (sajabina ti éta téh), hé para utusan?”

قَالُوْٓا اِنَّآ اُرْسِلْنَآ اِلٰى قَوْمٍ مُّجْرِمِيْنَۙ٥٨
Qālū innā ursilnā ilā qaumim mujrimīn(a).
[58] Aranjeunna ngawaler, “Saenyana abdi sadaya téh diutus (mawa siksaan) ka kaom anu lamokot ku dosa

اِلَّآ اٰلَ لُوْطٍۗ اِنَّا لَمُنَجُّوْهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٥٩
Illā āla lūṭ(in), innā lamunajjūhum ajma‘īn(a).
[59] kajabi anu anut ka Lut. Saenyana abdi sadaya anu badé nyalametkeun aranjeunna sadaya téh,

اِلَّا امْرَاَتَهٗ قَدَّرْنَآ اِنَّهَا لَمِنَ الْغٰبِرِيْنَ ࣖ٦٠
Illamra'atahū qaddarnā innahā laminal-gābirīn(a).
[60] iwal ti istrina (Lut). Kami tos nangtoskeun yén manéhna mah bener-bener ka asup (jalma-jalma kapit) anu tinggaleun.”

فَلَمَّا جَاۤءَ اٰلَ لُوْطِ ِۨالْمُرْسَلُوْنَۙ٦١
Falammā jā'a āla lūṭinil-mursalūn(a).
[61] Tah basa éta para utusan parantos sumping ka kulawargi Lut,

قَالَ اِنَّكُمْ قَوْمٌ مُّنْكَرُوْنَ٦٢
Qāla innakum qaumum munkarūn(a).
[62] anjeunna (Lut) nyarios, “Saenyana aranjeun téh jalmi-jalmi nu anyar pinanggih.”

قَالُوْا بَلْ جِئْنٰكَ بِمَا كَانُوْا فِيْهِ يَمْتَرُوْنَ٦٣
Qālū bal ji'nāka bimā kānū fīhi yamtarūn(a).
[63] Para utusan ngawaler, “Saleresna mah abdi sadaya téh dongkap ka anjeun kalayan (ngabantun) siksaan anu salami ieu sok dibohongkeun ku maranéhna (kaom Lut).

وَاَتَيْنٰكَ بِالْحَقِّ وَاِنَّا لَصٰدِقُوْنَ٦٤
Wa ataināka bil-ḥaqqi wa innā laṣādiqūn(a).
[64] Abdi sadaya dongkap ka salira kalayan ngabantun bebeneran. Saleresna abdi sadaya téh (para utusan) anu bener (tiasa dipercanten).

فَاَسْرِ بِاَهْلِكَ بِقِطْعٍ مِّنَ الَّيْلِ وَاتَّبِعْ اَدْبَارَهُمْ وَلَا يَلْتَفِتْ مِنْكُمْ اَحَدٌ وَّامْضُوْا حَيْثُ تُؤْمَرُوْنَ٦٥
Fa asri bi'ahlika biqiṭ‘im minal-laili wattabi‘ adbārahum wa lā yaltafit minkum aḥaduw wamḍū ḥaiṡu tu'marūn(a).
[65] Ku kituna, prak salira geura angkat sareng kulawargi salira engké wengi mangsa janari leutik, sareng omat salira kedah nuturkeun (leumpang) pengkereun maranéhna, sareng omat ulah rék ngalieuk (ka pengker) saurang ogé ti antawis aranjeun, 502 sok teras baé mapah ka tempat anu diparéntahkeun ka aranjeun.”
502) Tingali ayat 81 surat Hūd.

وَقَضَيْنَآ اِلَيْهِ ذٰلِكَ الْاَمْرَ اَنَّ دَابِرَ هٰٓؤُلَاۤءِ مَقْطُوْعٌ مُّصْبِحِيْنَ٦٦
Wa qaḍainā ilaihi żālikal-amra anna dābira hā'ulā'i maqṭū‘um muṣbiḥīn(a).
[66] Geus Kami tetepkeun pikeun Lut éta kaputusan, yén ahirna maranéhna (umat Lut) téh bakal dibinasakeun dina wanci subuh.

وَجَاۤءَ اَهْلُ الْمَدِيْنَةِ يَسْتَبْشِرُوْنَ٦٧
Wa jā'a ahlul-madīnati yastabsyirūn(a).
[67] Brul pangeusi éta kota daratang (ka bumina Lut) kalayan gumbira (lantaran kadatangan tamu nu karasép). 503
503) Riwayat Nabi Lut dina ieu surat al-Ḥijr teu dicaritakeun kalayan lengkep kawas dina surat Hūd.

قَالَ اِنَّ هٰٓؤُلَاۤءِ ضَيْفِيْ فَلَا تَفْضَحُوْنِۙ٦٨
Qāla inna hā'ulā'i ḍaifī falā tafḍaḥūn(i).
[68] Lut nyarios, “Saenyana ieu sadayana téh tatamu kuring. Omat aranjeun ulah rék ngérakeun kuring.

وَاتَّقُوا اللّٰهَ وَلَا تُخْزُوْنِ٦٩
Wattaqullāha wa lā tukhzūn(i).
[69] Kudu tarakwa aranjeun ka Allah, sarta poma aranjeun ulah rék ngahinakeun kuring.”

قَالُوْٓا اَوَلَمْ نَنْهَكَ عَنِ الْعٰلَمِيْنَ٧٠
Qālū awalam nanhaka ‘anil-‘ālamīn(a).
[70] Maranéhna (kaom Lut) némbal, “Apan Kami geus kungsi nyarék ka anjeun (poma ulah rék coba-coba nangtayungan) éta para tamu? 504
504) Maranéhna rék ngagadabah tamu Nabi Lut (ku cara ngadubur), jeung maranéhna mémang geus kungsi ngancam Nabi Lut sangkan ulah wani-wani ngahalangan laku lampah maranéhna anu siga kitu.

قَالَ هٰٓؤُلَاۤءِ بَنٰتِيْٓ اِنْ كُنْتُمْ فٰعِلِيْنَۗ٧١
Qāla hā'ulā'i banātī in kuntum fā‘ilīn(a).
[71] Lut ngawaler, “Tuh (pan loba) anak-anak awéwé (di nagri) kuring téh, (pék geura kawin ku maranéh) lamun seug maranéh rék milampah (bener mah).”

لَعَمْرُكَ اِنَّهُمْ لَفِيْ سَكْرَتِهِمْ يَعْمَهُوْنَ٧٢
La‘amruka innahum lafī sakratihim ya‘mahūn(a).
[72] (Allah ngadawuh) “Demi umur hidep (Muhammad), 505 saenyana maranéhna téh (harita) mandeg mayong dina kaayaan mabok (demi ngalajur hawa napsu).”
505) Geus jadi adat urang Arab sumpah ku umur baturna, tah dina ieu ayat Allah ogé geus sumpah ku umur Nabi Muhammad Saw. Ari maksudna saur sawaréh ahli tapsir nyaéta pikeun nunjukkeun yén Nabi Muhammad téh kalintang mulyana mungguhing Allah Swt.

فَاَخَذَتْهُمُ الصَّيْحَةُ مُشْرِقِيْنَۙ٧٣
Fa akhażathumuṣ-ṣaiḥatu musyriqīn(a).
[73] Nya maranéhna téh diancurkeun ku sora anu ngageleger, mangsa meletékna panonpoé.

فَجَعَلْنَا عَالِيَهَا سَافِلَهَا وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهِمْ حِجَارَةً مِّنْ سِجِّيْلٍ٧٤
Fa ja‘alnā ‘āliyahā sāfilahā wa amṭarnā ‘alaihim ḥijāratam min sijjīl(in).
[74] Kami ngajungkir-balikkeun éta (kota) tur ngahujanan maranéhna ku batu tina taneuh anu teuas.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّلْمُتَوَسِّمِيْنَۙ٧٥
Inna fī żālika la'āyātil lil-mutawassimīn(a).
[75] Saenyana dina éta (kajadian) téh bener-bener aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu sok rajeun niténan éta tanda.

وَاِنَّهَا لَبِسَبِيْلٍ مُّقِيْمٍ٧٦
Wa innahā labisabīlim muqīm(in).
[76] Saenyana éta (nagri) téh 506 bener-bener (aya) di jajalaneun anu masih kénéh (kasaba ku manusa).
506) Nu dimaksud nyaéta Nagri Sodom nu lokasina deukeut basisir Laut Tengah.

اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّلْمُؤْمِنِيْنَۗ٧٧
Inna fī żālika la'āyatal lil-mu'minīn(a).
[77] Saenyana dina éta (kajadian) téh bener-bener aya tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu iman.

وَاِنْ كَانَ اَصْحٰبُ الْاَيْكَةِ لَظٰلِمِيْنَۙ٧٨
Wa in kāna aṣḥābul-aikati laẓālimīn(a).
[78] Saenyana pangeusi (Nagri) Aikah téh 507 bener-bener jalma-jalma anu dolim.
507) Aikah téh nagri di daerah Madyan anu dicicingan ku kaom Nabi Syu’éb. Di sabudeureunana aya leuweung geledegan.

فَانْتَقَمْنَا مِنْهُمْۘ وَاِنَّهُمَا لَبِاِمَامٍ مُّبِيْنٍۗ ࣖ٧٩
Fantaqamnā minhum, wa innahumā labi'imāmim mubīn(in).
[79] Nya Kami binasakeun maranéhna. Saenyana éta dua (nagri) 508 téh aya dina jajalaneun anu gedé tur écés.
508) Nyaéta Nagri Sodom jeung Aikah.

وَلَقَدْ كَذَّبَ اَصْحٰبُ الْحِجْرِ الْمُرْسَلِيْنَۙ٨٠
Wa laqad każżaba aṣḥābul-ḥijril-mursalīn(a).
[80] Saenyana urang (Nagri) Al-Hijr 509 téh bener-bener geus ngabohongkeun ka (rasul-rasul) anu diutus. 510
509) Urang Al-Hijr téh nyaéta kaom Samud. Al-Hijr téh tempat anu pernahna di léngkob Qura antara Madinah jeung Syiria. 510) Nu di maksud rasul-rasul dina ayat ieu téh nyaéta Nabi Soléh. Ari alesan Nabi Soléh disebut rasul-rasul padahal ngan saurang, sabab ngabohongkeun saurang rasul sarua baé jeung ngabohongkeun sakabéh rasul.

وَاٰتَيْنٰهُمْ اٰيٰتِنَا فَكَانُوْا عَنْهَا مُعْرِضِيْنَۙ٨١
Wa ātaināhum āyātinā fa kānū ‘anhā mu‘riḍīn(a).
[81] Kami geus ngadatangkeun ka maranéhna mangpirang-pirang tanda (kakawasaan) Kami, tapi maranéhna angger baé ngabalieur.

وَكَانُوْا يَنْحِتُوْنَ مِنَ الْجِبَالِ بُيُوْتًا اٰمِنِيْنَ٨٢
Wa kānū yanḥitūna minal-jibāli buyūtan āminīn(a).
[82] Maranéhna mahat gunung-gunung batu jadi imah (nu bisa dicicingan) sangkan aman.

فَاَخَذَتْهُمُ الصَّيْحَةُ مُصْبِحِيْنَۙ٨٣
Fa akhażathumuṣ-ṣaiḥatu muṣbiḥīn(a).
[83] Nya maranéhna dibinasakeun ku sora anu ngageleger dina wanci subuh. 511
511) Kajadian éta téh dina poé kaopat saba`da datang ka maranéhna panggeuing ti Allah.

فَمَآ اَغْنٰى عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَكْسِبُوْنَۗ٨٤
Famā agnā ‘anhum mā kānū yaksibūn(a).
[84] Ku kituna, taya guna keur maranéhna naon-naon (imah-imah) anu geus dijarieun ku maranéhna.

وَمَا خَلَقْنَا السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَمَا بَيْنَهُمَآ اِلَّا بِالْحَقِّۗ وَاِنَّ السَّاعَةَ لَاٰتِيَةٌ فَاصْفَحِ الصَّفْحَ الْجَمِيْلَ٨٥
Wa mā khalaqnas-samāwāti wal-arḍa wa mā bainahumā illā bil-ḥaqq(i), wa innas-sā‘ata la'ātiyatun faṣfaḥiṣ-ṣafḥal-jamīl(a).
[85] Teu pati-pati Kami nyiptakeun langit jeung bumi jeung nu aya di antarana iwal kalayan (tujuan anu) bener. Saenyana Kiamat téh éta pasti datangna. Ku sabab kitu, pék geura hampura (maranéhna téh) ku cara anu hadé.

اِنَّ رَبَّكَ هُوَ الْخَلّٰقُ الْعَلِيْمُ٨٦
Inna rabbaka huwal-khallāqul-‘alīm(u).
[86] Saleresna Pangéran hidep téh Maha Nyiptakeun (tur) Mahauninga.

وَلَقَدْ اٰتَيْنٰكَ سَبْعًا مِّنَ الْمَثَانِيْ وَالْقُرْاٰنَ الْعَظِيْمَ٨٧
Wa laqad ātaināka sab‘am minal-maṡānī wal-qur'ānal-‘aẓīm(a).
[87] Saenyana Kami geus maparin ka hidep (Muhammad) tujuh (ayat) anu (terus dibaca) bulak-balik, 512 ogé Al-Qur’an anu agung.
512) Nu dimaksud tujuh ayat nu di baca bulak-balik téh nyaéta surat al-Fātiḥah. Aya ogé ahli tapsir anu boga pamadegan yén nu dimaksud nyaéta tujuh surat anu paranjang nyaéta surat al-Baqarah, Ali Imrān, al-Mā’idah, al-Nisā’, al-An’ām, jeung al-Anfāl atawa Al-Tawbah.

لَا تَمُدَّنَّ عَيْنَيْكَ اِلٰى مَا مَتَّعْنَا بِهٖٓ اَزْوَاجًا مِّنْهُمْ وَلَا تَحْزَنْ عَلَيْهِمْ وَاخْفِضْ جَنَاحَكَ لِلْمُؤْمِنِيْنَ٨٨
Lā tamuddanna ‘ainaika ilā mā matta‘nā bihī azwājam minhum wa lā taḥzan ‘alaihim wakhfiḍ janāḥaka lil-mu'minīn(a).
[88] Omat hidep (Muhammad) ulah rék ngantep paningali hidep anteng mencrong (kabongroy ku) kani`matan hirup anu geus Kami bikeun ka sawaréh golongan ti maranéhna (anu kalapir), jeung omat hidep ulah rék sedih lantaran maranéhna, jeung omat kudu handap asor hidep ka jalma-jalma mu’min.

وَقُلْ اِنِّيْٓ اَنَا النَّذِيْرُ الْمُبِيْنُۚ٨٩
Wa qul innī anan-nażīrul-mubīn(u).
[89] Pok ucapkeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kuring téh purah méré pépéling anu écés.”

كَمَآ اَنْزَلْنَا عَلَى الْمُقْتَسِمِيْنَۙ٩٠
Kamā anzalnā ‘alal-muqtasimīn(a).
[90] Sakumaha (Kami geus mépélingan), nya Kami ogé geus nurunkeun (siksa) ka jalma-jalma anu ngawilah-wilah (Kitab Allah), 513
513) Nyaéta jalma-jalma nu narima kana sawaréh eusi kitab, tapi nolak anu sawaréhna deui, nyaéta urang Yahudi jeung Nasrani nu ngabagi-bagi Al-Qur’an.

الَّذِيْنَ جَعَلُوا الْقُرْاٰنَ عِضِيْنَ٩١
Allażīna ja‘alul-qur'āna ‘iḍīn(a).
[91] nyaéta jalma-jalma anu geus ngajadikeun Al-Qur'an kabag-bagi. 514
514) Nyaéta urang Yahudi jeung Nasrani anu geus ngabagi-bagi Al-Qur’an. Sawaréh ayat-ayatna dipercaya ku maranéhna, anu sawaréhna deui ditarolak. Maksud ieu ayat 89, 90, 91 nyaéta Allah maréntahkeun ka Nabi Muhammad Saw. sangkan méré pépéling ka urang Yahudi jeung Nasrani, yén Mantenna rék nurunkeun siksa ka maranéhna, sakumaha nu geus ditibankeun ka kaom Samud.

فَوَرَبِّكَ لَنَسْـَٔلَنَّهُمْ اَجْمَعِيْنَۙ٩٢
Fa wa rabbika lanas'alannahum ajma‘īn(a).
[92] Mangka, demi Pangéran hidep (Muhammad), Kami pasti bakal nalék maranéhna kabéh

عَمَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٩٣
‘Ammā kānū ya‘malūn(a).
[93] ngeunaan sagala perkara nu geus dipigawé ku maranéhna.

فَاصْدَعْ بِمَا تُؤْمَرُ وَاَعْرِضْ عَنِ الْمُشْرِكِيْنَ٩٤
Faṣda‘ bimā tu'maru wa a‘riḍ ‘anil-musyrikīn(a).
[94] Sok geura tepikeun kalawan blak-blakan ku hidep (Muhammad) sakabéh perkara anu geus diparéntahkeun (ka hidep), jeung omat hidep kudu ngabalieur tina (pangajak) jalma-jalma musrik

اِنَّا كَفَيْنٰكَ الْمُسْتَهْزِءِيْنَۙ٩٥
Innā kafainākal-mustahzi'īn(a).
[95] Saenyana Kami (bakal) ngajaga hidep tina (kajahatan) jalma-jalma anu sok ngageuhgeuykeun (hidep),

الَّذِيْنَ يَجْعَلُوْنَ مَعَ اللّٰهِ اِلٰهًا اٰخَرَۚ فَسَوْفَ يَعْلَمُوْنَ٩٦
Allażīna yaj‘alūna ma‘allāhi ilāhan ākhar(a), fa saufa ya‘lamūn(a).
[96] (nyaéta) jalma-jalma anu nganggap aya pangéran nu séjén salian ti Allah. Nya maranéhna pasti bakal nyaho (naon akibatna).

وَلَقَدْ نَعْلَمُ اَنَّكَ يَضِيْقُ صَدْرُكَ بِمَا يَقُوْلُوْنَۙ٩٧
Wa laqad na‘lamu annaka yaḍīqu ṣadruka bimā yaqūlūn(a).
[97] Saenyana Kami ogé surti yén saenyana mah haté hidep (Muhammad) téh ngarasa sumpeg ku sabab omongan-omongan maranéhna,

فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ وَكُنْ مِّنَ السّٰجِدِيْنَۙ٩٨
Fa sabbiḥ biḥamdi rabbika wa kum minas-sājidīn(a).
[98] Mangka, geura tasbéh hidep ku muji Pangéran hidep sarta omat hidep kudu jadi (jalma nu kaasup) ti antara jalma-jalma anu sujud (salat),

وَاعْبُدْ رَبَّكَ حَتّٰى يَأْتِيَكَ الْيَقِيْنُ ࣖࣖ٩٩
Wa‘bud rabbaka ḥattā ya'tiyakal-yaqīn(u).
[99] jeung prak hidep geura ibadah ka Pangéran hidep nepi ka datang ka hidep al-yaqīn (ajal).