Surah Ibrahim
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤرٰ ۗ كِتٰبٌ اَنْزَلْنٰهُ اِلَيْكَ لِتُخْرِجَ النَّاسَ مِنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِ ەۙ بِاِذْنِ رَبِّهِمْ اِلٰى صِرَاطِ الْعَزِيْزِ الْحَمِيْدِۙ١
Alif lām rā, kitābun anzalnāhu ilaika litukhrijan-nāsa minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), bi'iżni rabbihim ilā ṣirāṭil-‘azīzil-ḥamīd(i).
[1]
Alif Lām Rā. 492 (Ieu téh) Kitab (Al-Qur’an) nu diturunkeun ku Kami ka hidep (Muhammad) sangkan hidep (bisa) ngaluarkeun manusa tina mangpirang-pirang poék kana cahaya kalayan widi Pangéran maranéhna, (nyaéta) kana jalan Pangéran Nu Mahakawasa (tur) Nu Mahapinuji.
492) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
اللّٰهِ الَّذِيْ لَهٗ مَا فِى السَّمٰوٰتِ وَمَا فِى الْاَرْضِۗ وَوَيْلٌ لِّلْكٰفِرِيْنَ مِنْ عَذَابٍ شَدِيْدٍۙ٢
Allāhil-lażī lahū mā fis-samāwāti wa mā fil-arḍ(i), wa wailul lil-kāfirīna min ‘ażābin syadīd(in).
[2]
(Nyaéta) Allah anu kagungan sagala nu aya di langit jeung nu aya di bumi. Kacilakaan pikeun jalma-jalma kapir (sabab bakal meunang) siksaan nu kacida beuratna.
ۨالَّذِيْنَ يَسْتَحِبُّوْنَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا عَلَى الْاٰخِرَةِ وَيَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَيَبْغُوْنَهَا عِوَجًا ۗ اُولٰۤىِٕكَ فِيْ ضَلٰلٍۢ بَعِيْدٍ٣
Allażīna yastaḥibbūnal-ḥayātad-dun-yā ‘alal-ākhirati wa yaṣuddūna ‘an sabīlillāhi wa yabgūnahā ‘iwajā(n), ulā'ika fī ḍalālim ba‘īd(in).
[3]
(Nyaéta) jalma-jalma anu leuwih mikaresep kana kahirupan dunya tibatan (kahirupan) ahérat, anu sok ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah, jeung nu ngarep-ngarep sangkan éta (jalan téh) jadi béngkok. Tah nu karitu téh aya dina kasasaran anu jauh.
وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ رَّسُوْلٍ اِلَّا بِلِسَانِ قَوْمِهٖ لِيُبَيِّنَ لَهُمْ ۗفَيُضِلُّ اللّٰهُ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْ مَنْ يَّشَاۤءُ ۗوَهُوَ الْعَزِيْزُ الْحَكِيْمُ٤
Wa mā arsalnā mir rasūlin illā bilisāni qaumihī liyubayyina lahum, fa yuḍillullāhu may yasyā'u wa yahdī may yasyā'(u), wa huwal-‘azīzul-ḥakīm(u).
[4]
Kami teu ngutus saurang rasul ogé anging kalayan basa kaomna, 493 sangkan anjeunna bisa méré katerangan anu jéntré ka kaomna. Mangka, Allah nyasarkeun saha baé anu dikersakeun ku Mantenna sareng masihan pituduh ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Mantenna mah Mahagagah (tur) Mahawijaksana.
493) Mémang Al-Qur'an téh diturunkeun dina basa Arab, tapi sok sanajan kitu Al-Qur'an téh lain keur urang Arab wungkul, tapi diturunkeun keur sakabéh umat manusa.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مُوْسٰى بِاٰيٰتِنَآ اَنْ اَخْرِجْ قَوْمَكَ مِنَ الظُّلُمٰتِ اِلَى النُّوْرِ ەۙ وَذَكِّرْهُمْ بِاَيّٰىمِ اللّٰهِ ۗاِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّكُلِّ صَبَّارٍ شَكُوْرٍ٥
Wa laqad arsalnā mūsā bi'āyātinā an akhrij qaumaka minaẓ-ẓulumāti ilan-nūr(i), wa żakkirhum bi'ayyāmillāh(i), inna fī żālika la'āyātil likulli ṣabbārin syakūr(in).
[5]
Tétéla Kami geus ngutus Musa kalayan mawa tanda-tanda (kakawasaan) Kami (jeung ku Kami Musa diparéntah), “Sok geura kaluarkeun kaom hidep tina mangpirang-pirang poék kana cahaya, sarta pék élingan maranéhna ngeunaan poé-poéna Allah. 494 Saenyana dina éta (perkara téh) aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun saban jalma nu loba sabar (tur) loba sukuran.
494) Kajadian-kajadian nu geus tumiba ka kaom-kaom di jaman baheula boh nu mangrupa ni’mat atawa siksaan anu kungsi karandapan ku maranéhna.
وَاِذْ قَالَ مُوْسٰى لِقَوْمِهِ اذْكُرُوْا نِعْمَةَ اللّٰهِ عَلَيْكُمْ اِذْ اَنْجٰىكُمْ مِّنْ اٰلِ فِرْعَوْنَ يَسُوْمُوْنَكُمْ سُوْۤءَ الْعَذَابِ وَيُذَبِّحُوْنَ اَبْنَاۤءَكُمْ وَيَسْتَحْيُوْنَ نِسَاۤءَكُمْ ۗوَفِيْ ذٰلِكُمْ بَلَاۤءٌ مِّنْ رَّبِّكُمْ عَظِيْمٌ ࣖ٦
Wa iż qāla mūsā liqaumihiżkurū ni‘matallāhi ‘alaikum iż anjākum min āli fir‘auna yasūmūnakum sū'al-‘ażābi wa yużabbiḥūna abnā'akum wa yastaḥyūna nisā'akum, wa fī żālikum balā'um mir rabbikum ‘aẓīm(un).
[6]
(Sing inget) nalika Musa nyarios ka kaomna, “Sing inget kana ni’mat Allah ka aranjeun nalika Mantenna nyalametkeun aranjeun ti kaom Fir’aun. Maranéhna nyiksa aranjeun ku siksaan nu pohara peurihna, maéhan anak-anak lalaki aranjeun, jeung ngantep hirup anak-anak awéwé aranjeun. Tah dina éta perkara (nu geus kaalaman ku aranjeun) téh aya cobaan nu pohara gedéna ti Pangéran aranjeun.”
وَاِذْ تَاَذَّنَ رَبُّكُمْ لَىِٕنْ شَكَرْتُمْ لَاَزِيْدَنَّكُمْ وَلَىِٕنْ كَفَرْتُمْ اِنَّ عَذَابِيْ لَشَدِيْدٌ٧
Wa iż ta'ażżana rabbukum la'in syakartum la'azīdannakum wa la'in kafartum inna ‘ażābī lasyadīd(un).
[7]
(Sing inget deui) waktu Pangéran aranjeun ngumumkeun, “Sabenerna lamun seug aranjeun sukuran, Kami pasti bakal nambahan (ni’mat) ka aranjeun, tapi lamun seug aranjeun kupur (kana ni’mat ti Kami), sabenerna siksa Kami téh kacida beuratna.”
وَقَالَ مُوْسٰٓى اِنْ تَكْفُرُوْٓا اَنْتُمْ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا ۙفَاِنَّ اللّٰهَ لَغَنِيٌّ حَمِيْدٌ٨
Wa qāla mūsā in takfurū antum wa man fil-arḍi jamī‘ā(n), fa innallāha laganiyyun ḥamīd(un).
[8]
Pok Musa nyarios, “Lamun seug aranjeun ogé saha baé nu aya di bumi kabéhanana kupur (kana ni’mat ti Allah), mangka (sing inget) saleresna Allah mah Mahabeunghar (tur) Mahapinuji.
اَلَمْ يَأْتِكُمْ نَبَؤُا الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ قَوْمِ نُوْحٍ وَّعَادٍ وَّثَمُوْدَ ەۗ وَالَّذِيْنَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ ۗ لَا يَعْلَمُهُمْ اِلَّا اللّٰهُ ۗجَاۤءَتْهُمْ رُسُلُهُمْ بِالْبَيِّنٰتِ فَرَدُّوْٓا اَيْدِيَهُمْ فِيْٓ اَفْوَاهِهِمْ وَقَالُوْٓا اِنَّا كَفَرْنَا بِمَآ اُرْسِلْتُمْ بِهٖ وَاِنَّا لَفِيْ شَكٍّ مِّمَّا تَدْعُوْنَنَآ اِلَيْهِ مُرِيْبٍ٩
Alam ya'tikum naba'ul-lażīna min qablikum qaumi nūḥiw wa ‘ādiw wa ṡamūd(a), wal-lażīna mim ba‘dihim, lā ya‘lamuhum illallāh(u), jā'athum rusuluhum bil-bayyināti fa raddū aidiyahum fī afwāhihim wa qālū innā kafarnā bimā ursiltum bihī wa innā lafī syakkim mimmā tad‘ūnanā ilaihi murīb(in).
[9]
Naha can tepi kitu ka aranjeun béja (ngeunaan) jalma-jalma saméméh aranjeun, (nyaéta) kaom Nuh, ‘Ad, Samud, jeung jalma-jalma sanggeus maranéhna? Moal aya nu nyaho (kana wilangan) maranéhna kajabi Allah?” Rasul-rasul geus datang ka maranéhna bari mawa bukti-bukti (anu nyata), tapi maranéhna kalah ka nutupkeun leungeunna kana sungutna (sabab pohara ceuceubna), tuluy maranéhna ngomong, “Saenyana kuring saréréa teu percaya kana ajaran nu ditepikeun ku maranéh. Kuring saréréa bener-bener aya dina kamangmangan nu matak ngaguligahkeun nyanghareupan naon nu dicaritakeun ku maranéh ka kuring saréréa.”
۞ قَالَتْ رُسُلُهُمْ اَفِى اللّٰهِ شَكٌّ فَاطِرِ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يَدْعُوْكُمْ لِيَغْفِرَ لَكُمْ مِّنْ ذُنُوْبِكُمْ وَيُؤَخِّرَكُمْ اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّىۗ قَالُوْٓا اِنْ اَنْتُمْ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُنَا ۗ تُرِيْدُوْنَ اَنْ تَصُدُّوْنَا عَمَّا كَانَ يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُنَا فَأْتُوْنَا بِسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍ١٠
Qālat rusuluhum afillāhi syakkun fāṭiris-samāwāti wal-arḍ(i), yad‘ūkum liyagfira lakum min żunūbikum wa yu'akhkhirakum ilā ajalim musammā(n), qālū in antum illā basyarum miṡlunā, turīdūna an taṣuddūnā ‘ammā kāna ya‘budu ābā'unā fa'tūnā bisulṭānim mubīn(in).
[10]
Rasul-rasul (nu diutus ka) maranéhna nyarios, “Naha aya kamangmangan ngeunaan Allah anu nyiptakeun langit jeung bumi? Mantenna ngajak ka aranjeun (sangkan iman) supaya Mantenna ngahampura sabagian dosa-dosa aranjeun, jeung (supaya Mantenna) nangguhkeun (siksa-Na) ka aranjeun nepi ka (cunduk) hiji waktu nu geus ditangtungkeun.” Maranéhna ngajawab, “Maranéh téh taya lian iwal ti manusa biasa saperti kuring saréréa. Maranéh rék ngahalangan kuring saréréa tina (nyembah) naon nu sok biasa disembah ku karuhun kuring saréréa. Cik sok atuh datangkeun ku maranéh ka kuring saréréa bukti nu nyata!”
قَالَتْ لَهُمْ رُسُلُهُمْ اِنْ نَّحْنُ اِلَّا بَشَرٌ مِّثْلُكُمْ وَلٰكِنَّ اللّٰهَ يَمُنُّ عَلٰى مَنْ يَّشَاۤءُ مِنْ عِبَادِهٖۗ وَمَا كَانَ لَنَآ اَنْ نَّأْتِيَكُمْ بِسُلْطٰنٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗوَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُؤْمِنُوْنَ١١
Qālat lahum rusuluhum in naḥnu illā basyarum miṡlukum wa lākinnallāha yamunnu ‘alā may yasyā'u min ‘ibādih(ī), wa mā kāna lanā an na'tiyakum bisulṭānin illā bi'iżnillāh(i), wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mu'minūn(a).
[11]
Rasul-rasul (nu diutus ka) maranéhna ngawaler, “Mémang kuring saréréa téh manusa saperti aranjeun, tapi Allah téh maparin nugraha ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna ti antara hamba-hamba-Na. Teu pantes pikeun kuring saréréa ngadatangkeun hiji bukti (mujijat) ka aranjeun, kajaba kalayan widi Allah. Mung ka Allah sakuduna jalma-jalma nu iman tawekal.
وَمَا لَنَآ اَلَّا نَتَوَكَّلَ عَلَى اللّٰهِ وَقَدْ هَدٰىنَا سُبُلَنَاۗ وَلَنَصْبِرَنَّ عَلٰى مَآ اٰذَيْتُمُوْنَاۗ وَعَلَى اللّٰهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُتَوَكِّلُوْنَ ࣖ١٢
Wa mā lanā allā natawakkala ‘alallāhi wa qad hadānā subulanā, wa lanaṣbiranna ‘alā mā āżaitumūnā, wa ‘alallāhi falyatawakkalil-mutawakkilūn(a).
[12]
Piraku kuring saréréa teu tawekal ka Allah, apanan saenyana Mantenna téh parantos nuduhkeun kuring saréréa kana jalan (anu lempeng)? Kuring saréréa mah bener-bener rék sabar tina sagala ganguan aranjeun ka urang saréréa. Mung ka Allah sakuduna jalma-jalma nu (bener-bener) tawekal sumerah diri.”
وَقَالَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لِرُسُلِهِمْ لَنُخْرِجَنَّكُمْ مِّنْ اَرْضِنَآ اَوْ لَتَعُوْدُنَّ فِيْ مِلَّتِنَاۗ فَاَوْحٰٓى اِلَيْهِمْ رَبُّهُمْ لَنُهْلِكَنَّ الظّٰلِمِيْنَ ۗ١٣
Wa qālal-lażīna kafarū lirusulihim lanukhrijannakum min arḍinā au lata‘ūdunna fī millatinā, fa auḥā ilaihim rabbuhum lanuhlikannaẓ-ẓālimīn(a).
[13]
Jalma-jalma kapir ngomong ka rasul-rasul (nu diutus ka) maranéhna, “Kuring saréréa pasti bakal ngusir maranéh ti nagri kuring saréréa, atawa pasti (kuring saréréa bakal maksa) maranéh balik deui kana agama kuring saréréa.” Tah (ku sabab kitu), Pangéran ngawahyukeun ka aranjeunna (rasul-rasul), “Saenyana Kami pasti bakal ngancurkeun éta jalma-jalma anu dolim.
وَلَنُسْكِنَنَّكُمُ الْاَرْضَ مِنْۢ بَعْدِهِمْ ۗذٰلِكَ لِمَنْ خَافَ مَقَامِيْ وَخَافَ وَعِيْدِ١٤
Wa lanuskinannakumul-arḍa mim ba‘dihim, żālika liman khāfa maqāmī wa khāfa wa‘īd(i).
[14]
Kami bener-bener bakal nempatkeun aranjeun di éta nagri-nagri sanggeus maranéhna (diancurkeun). Anu kitu téh pikeun jalma nu ajrih ku kaagungan Kaula jeung sieun ku ancaman Kaula.”
وَاسْتَفْتَحُوْا وَخَابَ كُلُّ جَبَّارٍ عَنِيْدٍۙ١٥
Wastaftaḥū wa khāba kullu jabbārin ‘anīd(in).
[15]
Aranjeunna (pa rasul) nyuhunkeun dipasihan kaunggulan, nya (ahirna mah) kuciwa sakur jalma nu adigung (tur) wangkelang.
مِّنْ وَّرَاۤىِٕهٖ جَهَنَّمُ وَيُسْقٰى مِنْ مَّاۤءٍ صَدِيْدٍۙ١٦
Miw warā'ihī jahannamu wa yusqā mim mā'in ṣadīd(in).
[16]
Di hareupeun manéhna aya naraka Jahanam jeung manéhna bakal dibéré nginum tina cai nanah.
يَّتَجَرَّعُهٗ وَلَا يَكَادُ يُسِيْغُهٗ وَيَأْتِيْهِ الْمَوْتُ مِنْ كُلِّ مَكَانٍ وَّمَا هُوَ بِمَيِّتٍۗ وَمِنْ وَّرَاۤىِٕهٖ عَذَابٌ غَلِيْظٌ١٧
Yatajarra‘uhū wa lā yakādu yusīguhū wa ya'tīhil-mautu min kulli makāniw wa mā huwa bimayyit(in), wa miw warā'ihī ‘ażābun galīẓ(un).
[17]
Manéhna ngaregot éta cai (nanah) jeung ampir baé manéhna henteu bisaeun neureuyna, tuluy datang ka manéhna bahaya ti saban tempat, tapi manéhna weléh teu paéh-paéh, padahal di satukangeunana masih kénéh aya siksaan anu leuwih beurat.
مَثَلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِرَبِّهِمْ اَعْمَالُهُمْ كَرَمَادِ ِۨاشْتَدَّتْ بِهِ الرِّيْحُ فِيْ يَوْمٍ عَاصِفٍۗ لَا يَقْدِرُوْنَ مِمَّا كَسَبُوْا عَلٰى شَيْءٍ ۗذٰلِكَ هُوَ الضَّلٰلُ الْبَعِيْدُ١٨
Maṡalul-lażīna kafarū birabbihim a‘māluhum karamādinisytaddat bihir-rīḥu fī yaumin ‘āṣif(in), lā yaqdirūna mimmā kasabū ‘alā syai'(in), żālika huwaḍ-ḍalālul-ba‘īd(u).
[18]
Paupamaan amalna jalma-jalma nu kupur ka Pangéranana téh lir ibarat kebul nu katebak ku angin topan. Maranéhna henteu bisa (ngalap mangpaat) saeutik ogé tina sakur nu geus dipilampah ku maranéhna (di dunya). Tah éta téh kasasaran anu kacida jauhna.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ بِالْحَقِّۗ اِنْ يَّشَأْ يُذْهِبْكُمْ وَيَأْتِ بِخَلْقٍ جَدِيْدٍۙ١٩
Alam tara annallāha khalaqas-samāwāti wal-arḍa bil-ḥaqq(i), iy yasya' yużhibkum wa ya'ti bikhalqin jadīd(in).
[19]
Naha hidep henteu kungsi niténan kitu yén sabenerna Allah geus nyiptakeun langit jeung bumi kalayan bener? Lamun seug ngersakeun mah, tangtu Mantenna ngabinasakeun maranéhna terus ngadatangkeun mahluk nu anyar (keur gantina).
وَّمَا ذٰلِكَ عَلَى اللّٰهِ بِعَزِيْزٍ٢٠
Wa mā żālika ‘alallāhi bi‘azīz(in).
[20]
Tah perkara nu kitu téh henteu sesah kanggo Allah mah.
وَبَرَزُوْا لِلّٰهِ جَمِيْعًا فَقَالَ الضُّعَفٰۤؤُا لِلَّذِيْنَ اسْتَكْبَرُوْٓا اِنَّا كُنَّا لَكُمْ تَبَعًا فَهَلْ اَنْتُمْ مُّغْنُوْنَ عَنَّا مِنْ عَذَابِ اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍ ۗقَالُوْا لَوْ هَدٰىنَا اللّٰهُ لَهَدَيْنٰكُمْۗ سَوَاۤءٌ عَلَيْنَآ اَجَزِعْنَآ اَمْ صَبَرْنَا مَا لَنَا مِنْ مَّحِيْصٍ ࣖ٢١
Wa barazū lillāhi jamī‘an fa qālaḍ-ḍu‘afā'u lil-lażīnastakbarū innā kunnā lakum taba‘an fahal antum mugnūna ‘annā min ‘ażābillāhi min syai'(in), qālū lau hadānallāhu lahadainākum, sawā'un ‘alainā ajazi‘nā am ṣabarnā mā lanā mim maḥīṣ(in).
[21]
Maranéhna kabéh bakal ngumpul (di padang Mahsyar) pikeun ngadeuheus ka Allah, tuluy jalma-jalma nu (baheulana) héngkér nyarita ka jalma-jalma nu (baheulana) adigung, “Saenyana kuring saréréa baheula téh nurut ka aranjeun. Atuh naha aranjeun bisa nanggung siksa Allah ka kuring saréréa barang saeutik mah?” Maranéhna ngajawab, “Yeuh lamun seug baheula Allah maparin pituduh ka kuring saréréa, tangtu kuring saréréa ogé bakal méré pituduh ka aranjeun. Tah (ayeuna) mah sarua baé pikeun urang saréréa, naha rék aral atawa sabar, urang saréréa moal manggih tempat keur kabur.”
وَقَالَ الشَّيْطٰنُ لَمَّا قُضِيَ الْاَمْرُ اِنَّ اللّٰهَ وَعَدَكُمْ وَعْدَ الْحَقِّ وَوَعَدْتُّكُمْ فَاَخْلَفْتُكُمْۗ وَمَا كَانَ لِيَ عَلَيْكُمْ مِّنْ سُلْطٰنٍ اِلَّآ اَنْ دَعَوْتُكُمْ فَاسْتَجَبْتُمْ لِيْ ۚفَلَا تَلُوْمُوْنِيْ وَلُوْمُوْٓا اَنْفُسَكُمْۗ مَآ اَنَا۠ بِمُصْرِخِكُمْ وَمَآ اَنْتُمْ بِمُصْرِخِيَّۗ اِنِّيْ كَفَرْتُ بِمَآ اَشْرَكْتُمُوْنِ مِنْ قَبْلُ ۗاِنَّ الظّٰلِمِيْنَ لَهُمْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٢٢
Wa qālasy-syaiṭānu lammā quḍiyal-amru innallāha wa‘adakum wa‘dal-ḥaqqi wa wa‘attukum fa akhlaftukum, wa mā kāna liya ‘alaikum min sulṭānin illā an da‘autukum fastajabtum lī, falā talūmūnī wa lūmū anfusakum, wa mā ana bimuṣrikhikum wa mā antum bimuṣrikhiyy(a), innī kafartu bimā asyraktumūni min qabl(u), innaẓ-ẓālimīna lahum ‘ażābun alīm(un).
[22]
Sétan ngomong sanggeus perkara (hisab) diréngsékeun, “Saleresna Allah parantos ngajangjikeun ka maranéh jangji nu bener. Kuring ogé geus ngajangjikeun ka maranéh, tapi kuring mah sulaya (jangji) ka maranéh. Kuring teu pisan-pisan boga kawasa ka maranéh iwal ti (sakadar) umajak ka maranéh, tuluy maranéh ngagugu ka kuring. Ku sabab kitu, atuh maranéh ulah nyalahkeun ka kuring, tapi salahkeun baé diri maranéh sorangan. Kuring henteu bisa nulungan ka maranéh. Maranéh ogé teu bisa nulungan ka kuring. Saenyana kuring mah ti baheula ogé teu ngaenyakeun kana pagawéan maranéh nyarékatkeun kuring (jeung Allah).” Saenyana jalma-jalma anu dolim pasti meunang siksaan nu pohara peurihna.
وَاُدْخِلَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ جَنّٰتٍ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا بِاِذْنِ رَبِّهِمْۗ تَحِيَّتُهُمْ فِيْهَا سَلٰمٌ٢٣
Wa udkhilal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti jannātin tajrī min taḥtihal-anhāru khālidīna fīhā bi'iżni rabbihim, taḥiyyatuhum fīhā salām(un).
[23]
Jalma-jalma nu iman tur milampah amal soléh bakal diasupkeun ka sawarga-sawarga anu di handapeunana cur-cor walungan-walungan. Aranjeunna langgeng di dinya kalayan widi Pangéranana. Kecap panghormatan aranjeunna di éta sawarga téh “Salam.”
اَلَمْ تَرَ كَيْفَ ضَرَبَ اللّٰهُ مَثَلًا كَلِمَةً طَيِّبَةً كَشَجَرَةٍ طَيِّبَةٍ اَصْلُهَا ثَابِتٌ وَّفَرْعُهَا فِى السَّمَاۤءِۙ٢٤
Alam tara kaifa ḍaraballāhu maṡalan kalimatan ṭayyibatan kasyajaratin ṭayyibatin aṣluhā ṡābituw wa far‘uhā fis-samā'(i).
[24]
Naha hidep henteu niténan kumaha Allah geus nyieun paupamaan kalimah nu alus? (Paupamaanana téh) lir ibarat tangkal kai anu alus, akarna kuat (nanceb kana jero taneuh) jeung dahanna (nanjeur) ka langit.
تُؤْتِيْٓ اُكُلَهَا كُلَّ حِيْنٍ ۢبِاِذْنِ رَبِّهَاۗ وَيَضْرِبُ اللّٰهُ الْاَمْثَالَ لِلنَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَتَذَكَّرُوْنَ٢٥
Tu'tī ukulahā kulla ḥīnim bi'iżni rabbihā, wa yaḍribullāhul-amṡāla lin-nāsi la‘allahum yatażakkarūn(a).
[25]
Éta tangkal kai téh ngahasilkeun buah saban waktu kalayan widi ti Pangéranana. Allah ngadamel éta paupamaan-paupamaan téh pikeun manusa sangkan maranéhna ngalap atikan.
وَمَثَلُ كَلِمَةٍ خَبِيْثَةٍ كَشَجَرَةٍ خَبِيْثَةِ ِۨاجْتُثَّتْ مِنْ فَوْقِ الْاَرْضِ مَا لَهَا مِنْ قَرَارٍ٢٦
Wa maṡalu kalimatin khabīṡatin kasyajaratin khabīṡatinijtuṡṡat min fauqil-arḍi mā lahā min qarār(in).
[26]
(Sedengkeun) paupamaan kalimah nu goréng téh lir ibarat tangkal kai anu goréng, anu geus dirabut (jeung akar-akarna) ti luhureun bumi, nepi ka teu bisaeun nangtung deui.
يُثَبِّتُ اللّٰهُ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا بِالْقَوْلِ الثَّابِتِ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَفِى الْاٰخِرَةِۚ وَيُضِلُّ اللّٰهُ الظّٰلِمِيْنَۗ وَيَفْعَلُ اللّٰهُ مَا يَشَاۤءُ ࣖ٢٧
Yuṡabbitullāhul-lażīna āmanū bil-qauliṣ-ṣābiti fil-ḥayātid-dun-yā wa fil-ākhirah(ti), wa yuḍillullāhuẓ-ẓālimīn(a), wa yaf‘alullāhu mā yasyā'(u).
[27]
Allah mengkuhkeun jalma-jalma nu iman ku éta kalimah nu panceg dina kahirupan dunya jeung dina (kahirupan) ahérat. Allah nyasarkeun jalma-jalma nu dolim. Allah midamel naon baé nu dikersakeun ku Mantenna.
۞ اَلَمْ تَرَ اِلَى الَّذِيْنَ بَدَّلُوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ كُفْرًا وَّاَحَلُّوْا قَوْمَهُمْ دَارَ الْبَوَارِۙ٢٨
Alam tara ilal-lażīna baddalū ni‘matallāhi kufraw wa aḥallū qaumahum dāral-bawār(i).
[28]
Naha hidep henteu niténan kitu jalma-jalma nu geus nukeurkeun ni’mat Allah kana kakupuran jeung ngagebruskeun kaomna kana jurang kabinasaan?
جَهَنَّمَ ۚيَصْلَوْنَهَاۗ وَبِئْسَ الْقَرَارُ٢٩
Jahannama yaṣlaunahā, wa bi'sal-qarār(u).
[29]
(Jurang kabinasaan téh) nyaéta naraka Jahanam. Maranéhna bakal asup ka dinya. Tah éta téh padumukan nu panggoréng-goréngna.
وَجَعَلُوْا لِلّٰهِ اَنْدَادًا لِّيُضِلُّوْا عَنْ سَبِيْلِهٖۗ قُلْ تَمَتَّعُوْا فَاِنَّ مَصِيْرَكُمْ اِلَى النَّارِ٣٠
Wa ja‘alū lillāhi andādal liyuḍillū ‘an sabīlih(ī), qul tamatta‘ū fa inna maṣīrakum ilan-nār(i).
[30]
Maranéhna (jalma-jalma kapir) téh geus nyieun tandingan-tandingan pikeun Allah pikeun nyasarkeun (manusa) tina jalan Mantenna. Caritakeun ku hidep (Muhammad), “Pék maranéh (ayeuna geura) senang-senang, lantaran saenyana tempat pangbalikan maranéh mah naraka.”
قُلْ لِّعِبَادِيَ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا يُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَيُنْفِقُوْا مِمَّا رَزَقْنٰهُمْ سِرًّا وَّعَلَانِيَةً مِّنْ قَبْلِ اَنْ يَّأْتِيَ يَوْمٌ لَّا بَيْعٌ فِيْهِ وَلَا خِلٰلٌ٣١
Qul li‘ibādiyal-lażīna āmanū yuqīmuṣ-ṣalāta wa yunfiqū mimmā razaqnāhum sirraw wa ‘alāniyatam min qabli ay ya'tiya yaumul lā bai‘un fīhi wa lā khilāl(un).
[31]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad) ka hamba-hamba Kami anu iman, “Sok geura adegkeun salat jeung inpakkeun sabagian rejeki anu geus dipaparinkeun ku Kami ka aranjeunna, boh bari susumputan boh bari terang-terangan, saméméh datang hiji poé nalika moal aya deui jual-beuli jeung sosobatan.” 495
495) Maksudna dina Poé Kiamat mah dosa téh moal bisa ditebus, sobat moal bisa nulungan. Tingali ogé guaran surat al-Baqarah/2:254.
اَللّٰهُ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ وَاَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَاَخْرَجَ بِهٖ مِنَ الثَّمَرٰتِ رِزْقًا لَّكُمْ ۚوَسَخَّرَ لَكُمُ الْفُلْكَ لِتَجْرِيَ فِى الْبَحْرِ بِاَمْرِهٖ ۚوَسَخَّرَ لَكُمُ الْاَنْهٰرَ٣٢
Allāhul-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa wa anzala minas-samā'i mā'an fa akhraja bihī minaṡ-ṡamarāti rizqal lakum, wa sakhkhara lakumul-fulka litajriya fil-baḥri bi'amrih(ī), wa sakhkhara lakumul-anhār(a).
[32]
Allah anu geus nyiptakeun langit jeung bumi, anu geus nurunkeun hujan ti langit, terus ku éta hujan téh Mantenna ngaluarkeun rupa-rupa bubuahan, minangka rejeki keur aranjeun, anu geus nundukkeun parahu keur aranjeun sangkan (bisa) lalayaran di laut kalayan paréntah-Na, jeung geus nundukkeun walungan-walungan keur aranjeun.
وَسَخَّرَ لَكُمُ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَ دَاۤىِٕبَيْنِۚ وَسَخَّرَ لَكُمُ الَّيْلَ وَالنَّهَارَ ۚ٣٣
Wa sakhkhara lakumusy-syamsa wal-qamara dā'ibaīn(i), wa sakhkhara lakumul-laila wan-nahār(a).
[33]
Mantenna ogé geus nundukkeun keur aranjeun panonpoé jeung bulan anu duanana terus-terusan muter bari nguriling (dina orbitna masing-masing). Mantenna ogé parantos nundukkeun peuting jeung beurang keur aranjeun.
وَاٰتٰىكُمْ مِّنْ كُلِّ مَا سَاَلْتُمُوْهُۗ وَاِنْ تَعُدُّوْا نِعْمَتَ اللّٰهِ لَا تُحْصُوْهَاۗ اِنَّ الْاِنْسَانَ لَظَلُوْمٌ كَفَّارٌ ࣖ٣٤
Wa ātākum min kulli mā sa'altumūh(u), wa in ta‘uddū ni‘matallāhi lā tuḥṣūhā, innal-insāna laẓalūmun kaffār(un).
[34]
Mantenna ogé geus maparinan ka aranjeun sagala rupi anu sok dipénta ku aranjeun ka Mantenna. Lamun seug ngitung-ngitung ni’mat Allah, aranjeun moal sanggup milangna. Saenyana manusa mah kacida dolim tur kupurna (kana ni’mat Allah téh).
وَاِذْ قَالَ اِبْرٰهِيْمُ رَبِّ اجْعَلْ هٰذَا الْبَلَدَ اٰمِنًا وَّاجْنُبْنِيْ وَبَنِيَّ اَنْ نَّعْبُدَ الْاَصْنَامَ ۗ٣٥
Wa iż qāla ibrāhīmu rabbij‘al hāżal-balada āminaw wajnubnī wa baniyya an na‘budal-aṣnām(a).
[35]
(Sing inget) nalika Ibrahim ngadoa, “Nun Gusti Pangéran abdi, jantenkeun ieu ieu nagri (Mekah) nagri anu aman, sareng tebihkeun abdi sareng anak incu abdi tina nyembah berhala-berhala.
رَبِّ اِنَّهُنَّ اَضْلَلْنَ كَثِيْرًا مِّنَ النَّاسِۚ فَمَنْ تَبِعَنِيْ فَاِنَّهٗ مِنِّيْۚ وَمَنْ عَصَانِيْ فَاِنَّكَ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٣٦
Rabbi innahunna aḍlalna kaṡīram minan-nās(i), faman tabi‘anī fa innahū minnī, wa man ‘aṣānī fa innaka gafūrur raḥīm(un).
[36]
Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna éta berhala-berhala téh geus nyasarkeun (jalmi nu kalintang) seueurna ti antawis manusa. Ku margi kitu, atuh saha baé nu nuturkeun ka abdi, saenyana manéhna téh kalebet golongan abdi, sareng saha baé anu wangkelang ka abdi, saleresna Gusti mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.
رَبَّنَآ اِنِّيْٓ اَسْكَنْتُ مِنْ ذُرِّيَّتِيْ بِوَادٍ غَيْرِ ذِيْ زَرْعٍ عِنْدَ بَيْتِكَ الْمُحَرَّمِۙ رَبَّنَا لِيُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ فَاجْعَلْ اَفْـِٕدَةً مِّنَ النَّاسِ تَهْوِيْٓ اِلَيْهِمْ وَارْزُقْهُمْ مِّنَ الثَّمَرٰتِ لَعَلَّهُمْ يَشْكُرُوْنَ٣٧
Rabbanā innī askantu min żurriyyatī biwādin gairi żī zar‘in ‘inda baitikal-muḥarram(i), rabbanā liyuqīmuṣ-ṣalāta faj‘al af'idatam minan-nāsi tahwī ilaihim warzuqhum minaṡ-ṡamarāti la‘allahum yasykurūn(a).
[37]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna abdi parantos mernahkeun sabagian turunan abdi di hiji léngkob nu taya pepelakanana, di sagédéngeun bumi Gusti (Baitullah) nu kapihormat. Nun Gusti Pangéran abdi, (éta téh dipidamel ku abdi) supados aranjeunna engké ngadegkeun salat. Ku margi kitu, jantenkeun manah sabagian manusa nyaah ka aranjeunna, sarta mugi Gusti maparin rejeki ka aranjeunna tina (rupi-rupi) bubuahan. Mugi-mugi baé aranjeunna téh salukuran.
رَبَّنَآ اِنَّكَ تَعْلَمُ مَا نُخْفِيْ وَمَا نُعْلِنُۗ وَمَا يَخْفٰى عَلَى اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍ فِى الْاَرْضِ وَلَا فِى السَّمَاۤءِ٣٨
Rabbanā innaka ta‘lamu mā nukhfī wa mā nu‘lin(u), wa mā yakhfā ‘alallāhi min syai'in fil-arḍi wa lā fis-samā'(i).
[38]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, saleresna Gusti uninga kana sagala rupi nu disumputkeun sareng nu ditembrakkeun ku abdi sadaya. Henteu aya hiji perkawis ogé boh di bumi boh di langit nu nyamuni mungguhing Allah mah.
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ وَهَبَ لِيْ عَلَى الْكِبَرِ اِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَۗ اِنَّ رَبِّيْ لَسَمِيْعُ الدُّعَاۤءِ٣٩
Al-ḥamdu lillāhil-lażī wahaba lī ‘alal-kibari ismā‘īla wa isḥāq(a), inna rabbī lasamī‘ud-du‘ā'(i).
[39]
Sadaya puji kagungan Allah nu parantos maparin ka abdi Isma’il sareng Ishaq padahal umur abdi parantos kolot. Saleresna Pangéran abdi téh Nu Maha Ngadangu kana doa.
رَبِّ اجْعَلْنِيْ مُقِيْمَ الصَّلٰوةِ وَمِنْ ذُرِّيَّتِيْۖ رَبَّنَا وَتَقَبَّلْ دُعَاۤءِ٤٠
Rabbij‘alnī muqīmaṣ-ṣalāti wa min żurriyyatī, rabbanā wa taqabbal du‘ā'(i).
[40]
Nun Gusti Pangéran abdi, jantenkeun abdi sareng turunan abdi jalmi-jalmi anu ngadegkeun salat. Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, ijabah doa abdi.
رَبَّنَا اغْفِرْ لِيْ وَلِوَالِدَيَّ وَلِلْمُؤْمِنِيْنَ يَوْمَ يَقُوْمُ الْحِسَابُ ࣖ٤١
Rabbanagfir lī wa liwālidayya wa lil-mu'minīna yauma yaqūmul-ḥisāb(u).
[41]
Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, hapunten abdi sareng ibu bapa abdi, ogé jalmi-jalmi anu iman dina dintenan ngadegna hisab (Kiamat).”
وَلَا تَحْسَبَنَّ اللّٰهَ غَافِلًا عَمَّا يَعْمَلُ الظّٰلِمُوْنَ ەۗ اِنَّمَا يُؤَخِّرُهُمْ لِيَوْمٍ تَشْخَصُ فِيْهِ الْاَبْصَارُۙ٤٢
Wa lā taḥsabannallāha gāfilan ‘ammā ya‘maluẓ-ẓālimūn(a), innamā yu'akhkhiruhum liyaumin tasykhaṣu fīhil-abṣār(u).
[42]
Poma hidep (Muhammad) ulah rék boga sangka yén Allah téh lali kana naon-naon nu dipigawé ku jalma-jalma anu dolim. Saleresna Mantenna téh keur maparin témpo ka maranéhna nepi ka poé anu (dina éta poé téh) panon-panon (maranéhna) bakal molotot.
مُهْطِعِيْنَ مُقْنِعِيْ رُءُوْسِهِمْ لَا يَرْتَدُّ اِلَيْهِمْ طَرْفُهُمْ ۚوَاَفْـِٕدَتُهُمْ هَوَاۤءٌ ۗ٤٣
Muhṭi‘īna muqni‘ī ru'ūsihim lā yartaddu ilaihim ṭarfuhum, wa af'idatuhum hawā'(un).
[43]
(Dina Poé Kiamat) maranéhna datang gura-giru (nedunan panggero) bari sirahna taranggah, sedengkeun panonna henteu ngiceup-ngiceup jeung haténa kosong (ku sabab pegat pangharepan).
وَاَنْذِرِ النَّاسَ يَوْمَ يَأْتِيْهِمُ الْعَذَابُۙ فَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا رَبَّنَآ اَخِّرْنَآ اِلٰٓى اَجَلٍ قَرِيْبٍۙ نُّجِبْ دَعْوَتَكَ وَنَتَّبِعِ الرُّسُلَۗ اَوَلَمْ تَكُوْنُوْٓا اَقْسَمْتُمْ مِّنْ قَبْلُ مَا لَكُمْ مِّنْ زَوَالٍۙ٤٤
Wa anżirin-nāsa yauma ya'tīhimul-‘ażāb(u), fa yaqūlul-lażīna ẓalamū rabbanā akhkhirnā ilā ajalin qarīb(in), nujib da‘wataka wa nattabi‘ir-rusul(a), awalam takūnū aqsamtum min qablu mā lakum min zawāl(in).
[44]
Geura béré pépéling ku hidep (Muhammad) manusa ngeunaan poé (nalika) datang siksaan ka maranéhna. Mangka, (dina mangsa harita) jalma-jalma nu dolim ngomong kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, pamugi Gusti nangguhkeun (siksa) abdi sadaya (sareng pamugi Gusti ngauihkeun abdi sadaya ka dunya) sanaos mung sakedap, tangtos abdi sadaya bakal nedunan kana pangajak Gusti sareng tangtos abdi sadaya badé turut ka rasul-rasul.” (Dawuhan Allah), “Naha apan lain baheula mah (waktu di dunya) maranéh kungsi sumpah pajarkeun téh maranéh mah moal pisan-pisan pindah (tina kahirupan dunya kana kahirupan ahérat?
وَّسَكَنْتُمْ فِيْ مَسٰكِنِ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ وَتَبَيَّنَ لَكُمْ كَيْفَ فَعَلْنَا بِهِمْ وَضَرَبْنَا لَكُمُ الْاَمْثَالَ٤٥
Wa sakantum fī masākinil-lażīna ẓalamū anfusahum wa tabayyana lakum kaifa fa‘alnā bihim wa ḍarabnā lakumul-amṡāl(a).
[45]
Apan maranéh téh baheula cicing di tempat-tempat urut jalma-jalma nu dolim kana dirina sorangan, sarta geus nyata ka maranéh kumaha Kami geus nindak (ngahukum) maranéhna, jeung apan Kami téh geus ngajelaskeun mangpirang-pirang paupamaan keur maranéh?”
وَقَدْ مَكَرُوْا مَكْرَهُمْ وَعِنْدَ اللّٰهِ مَكْرُهُمْۗ وَاِنْ كَانَ مَكْرُهُمْ لِتَزُوْلَ مِنْهُ الْجِبَالُ٤٦
Wa qad makarū makrahum wa ‘indallāhi makruhum, wa in kāna makruhum litazūla minhul-jibāl(u).
[46]
Maranéhna tétéla geus nyieun tipu daya, padahal Allah uninga (jeung bakal males) kana tipu dayana. 496 Saenyana tipu daya manéhna téh moal bisa ngaleungitkeun gunung-gunung.
496) Jalma-jalma kapir téh teu bosen-bosen nyieun rupa-rupa rencana pikeun ngancurkeun Islam jeung nanjeurkeun kabatilan. Maranéhna teu sadar yén rencana nu siga kumaha baé ogé sama sakali moal bisa ngéléhkeun rencana anu dirancang ku Allah.
فَلَا تَحْسَبَنَّ اللّٰهَ مُخْلِفَ وَعْدِهٖ رُسُلَهٗ ۗاِنَّ اللّٰهَ عَزِيْزٌ ذُو انْتِقَامٍۗ٤٧
Falā taḥsabannallāha mukhlifa wa‘dihī rusulah(ū), innallāha ‘azīzun żun tiqām(in).
[47]
Ku sabab kitu, poma hidep ulah rék boga sangka yén Allah sok nyulayaan jangji-Na ka rasul-rasul-Na. Saleresna Allah téh Mahagagah (tur) kagungan wawales.
يَوْمَ تُبَدَّلُ الْاَرْضُ غَيْرَ الْاَرْضِ وَالسَّمٰوٰتُ وَبَرَزُوْا لِلّٰهِ الْوَاحِدِ الْقَهَّارِ٤٨
Yauma tubaddalul-arḍu gairal-arḍi was-samāwātu wa barazū lillāhil-wāḥidil-qahhār(i).
[48]
(Nyaéta) dina poéan ieu bumi diganti ku bumi nu séjén jeung nya kitu deui langit. Maranéhna (manusa) pada kumpul (di padang Mahsyar) pikeun ngadeuheus ka Allah Nu Mahatunggal (tur) Nu Mahaperkasa.
وَتَرَى الْمُجْرِمِيْنَ يَوْمَىِٕذٍ مُّقَرَّنِيْنَ فِى الْاَصْفَادِۚ٤٩
Wa taral-mujrimīna yauma'iżim muqarranīna fil-aṣfād(i).
[49]
Dina poé harita hidep bakal ningali jalma-jalma nu doraka babarengan diborogod ku borgol-borgol.
سَرَابِيْلُهُمْ مِّنْ قَطِرَانٍ وَّتَغْشٰى وُجُوْهَهُمُ النَّارُۙ٥٠
Sarābīluhum min qaṭirāniw wa tagsyā wujūhahumun-nār(u).
[50]
Baju-bajuna tina cairan (jiga aspal) jeung beungeut-beungeutna kalimpudan ku seuneu naraka.
لِيَجْزِيَ اللّٰهُ كُلَّ نَفْسٍ مَّا كَسَبَتْۗ اِنَّ اللّٰهَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ٥١
Liyajziyallāhu kulla nafsim mā kasabat, innallāha sarī‘ul-ḥisāb(i).
[51]
(Hal éta) supados Allah males ka saban jalma naon nu geus diupayakeun ku dirina. Saleresna Allah téh Mahaénggal Balitungana-Na.
هٰذَا بَلٰغٌ لِّلنَّاسِ وَلِيُنْذَرُوْا بِهٖ وَلِيَعْلَمُوْٓا اَنَّمَا هُوَ اِلٰهٌ وَّاحِدٌ وَّلِيَذَّكَّرَ اُولُوا الْاَلْبَابِ ࣖ٥٢
Hāżā balāgul lin-nāsi wa liyunżarū bihī wa liya‘lamū annamā huwa ilāhuw wāḥiduw wa liyażżakkara ulul-albāb(i).
[52]
Ieu (Al-Qur’an téh) guaran (anu sampurna) pikeun manusa, sangkan maranéhna dibéré pépéling ku éta (Al-Qur’an), sangkan maranéhna nyaho yén saenyana Mantenna téh Pangéran Nu Mahatunggal, ogé sangkan jalma-jalma nu boga akal séhat bisa nyokot atikan.