Surah Ar-Ra’d
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤمّۤرٰۗ تِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِۗ وَالَّذِيْٓ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ الْحَقُّ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يُؤْمِنُوْنَ١
Alif lām mīm rā, tilka āyātul-kitāb(i), wal-lażī unzila ilaika mir rabbikal-ḥaqqu wa lākinna akṡaran-nāsi lā yu'minūn(a).
[1]
Alif Lām Mīm Rā. 482 Éta téh ayat-ayat Kitab (Al-Qur’an). Anu diturunkeun ka hidep (Muhammad) ti Pangéran hidep téh bener, ngan kalolobaan manusa téh henteu (daék) iman.
482) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
اَللّٰهُ الَّذِيْ رَفَعَ السَّمٰوٰتِ بِغَيْرِ عَمَدٍ تَرَوْنَهَا ثُمَّ اسْتَوٰى عَلَى الْعَرْشِ وَسَخَّرَ الشَّمْسَ وَالْقَمَرَۗ كُلٌّ يَّجْرِيْ لِاَجَلٍ مُّسَمًّىۗ يُدَبِّرُ الْاَمْرَ يُفَصِّلُ الْاٰيٰتِ لَعَلَّكُمْ بِلِقَاۤءِ رَبِّكُمْ تُوْقِنُوْنَ٢
Allāhul-lażī rafa‘as-samāwāti bigairi ‘amadin taraunahā ṡummastawā ‘alal-‘arsyi wa sakhkharasy-syamsa wal-qamar(a), kulluy yajrī li'ajalim musammā(n), yudabbirul-amra yufaṣṣilul-āyāti la‘allakum biliqā'i rabbikum tūqinūn(a).
[2]
Allah téh anu ngaluhurkeun langit tanpa tihang nu (bisa) katingali ku aranjeun, lajeng Mantenna istiwā di ‘Arsy 483 sareng nundukkeun panonpoé jeung bulan. Masing-masing terus muter nepi ka waktu nu geus ditangtukeun. Mantenna ngatur sagala urusan (mahluk-Na) jeung ngawincik tanda-tanda (kaagungana-Na), sangkan aranjeun yakin kana bakal papanggihna (aranjeun) jeung Pangéran aranjeun.
483) Tingal catetan kaki surat al-A`raf/7:44
وَهُوَ الَّذِيْ مَدَّ الْاَرْضَ وَجَعَلَ فِيْهَا رَوَاسِيَ وَاَنْهٰرًا ۗوَمِنْ كُلِّ الثَّمَرٰتِ جَعَلَ فِيْهَا زَوْجَيْنِ اثْنَيْنِ يُغْشِى الَّيْلَ النَّهَارَۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ٣
Wa huwal-lażī maddal-arḍa wa ja‘ala fīhā rawāsiya wa anhārā(n), wa min kulliṡ-ṡamarāti ja‘ala fīhā zaujainiṡnaini yugsyil-lailan-nahār(a), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy yatafakkarūn(a).
[3]
Mantenna anu ngamparkeun bumi jeung anu ngajadikeun gunung-gunung tur walungan-walungan di éta (bumi). Mantenna ngajadikeun di éta (bumi) unggal bubuahan sajodo-sajodo. Mantenna nutupkeun peuting kana beurang. Saenyana dina éta (perkara-perkara téh) aya tanda-tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma anu mikir.
وَفِى الْاَرْضِ قِطَعٌ مُّتَجٰوِرٰتٌ وَّجَنّٰتٌ مِّنْ اَعْنَابٍ وَّزَرْعٌ وَّنَخِيْلٌ صِنْوَانٌ وَّغَيْرُ صِنْوَانٍ يُّسْقٰى بِمَاۤءٍ وَّاحِدٍۙ وَّنُفَضِّلُ بَعْضَهَا عَلٰى بَعْضٍ فِى الْاُكُلِۗ اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيٰتٍ لِّقَوْمٍ يَّعْقِلُوْنَ٤
Wa fil-arḍi qiṭa‘um mutajāwirātuw wa jannātum min a‘nābiw wa zar‘uw wa nakhīlun ṣinwānuw wa gairu ṣinwāniy yusqā bimā'iw wāḥid(in), wa nufaḍḍilu ba‘ḍahā ‘alā ba‘ḍin fil-ukul(i), inna fī żālika la'āyātil liqaumiy ya‘qilūn(a).
[4]
Di bumi téh aya bagian-bagian tanah nu pagédéng-gédéng, kebon-kebon anggur, rupa-rupa pepelakan, jeung tangkal korma nu dahanan tur nu teu dahanan. (Kabéhanana) dicébor ku cai nu sarua, tapi Kami ngaleuwihkeun nu sawaréh ti nu sawaréhna deui dina palebah rasana. Sabenerna dina éta (perkara) téh aya tanda-tanda (kaagungan Allah) pikeun jalma-jalma nu ngarti.
۞ وَاِنْ تَعْجَبْ فَعَجَبٌ قَوْلُهُمْ ءَاِذَا كُنَّا تُرٰبًا ءَاِنَّا لَفِيْ خَلْقٍ جَدِيْدٍ ەۗ اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا بِرَبِّهِمْۚ وَاُولٰۤىِٕكَ الْاَغْلٰلُ فِيْٓ اَعْنَاقِهِمْۚ وَاُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ النَّارِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٥
Wa in ta‘jab fa ‘ajabun qauluhum a'iżā kunnā turāban a'innā lafī khalqin jadīd(in), ulā'ikal-lażīna kafarū birabbihim, wa ulā'ikal-aglālu fī a‘nāqihim, wa ulā'ika aṣḥābun-nār(i), hum fīhā khālidūn(a).
[5]
Lamun seug hidep (Muhammad) ngarasa héran, (justru) anu pikahéraneun mah omongan maranéhna (jalma-jalma kapir), “Naha bener kitu lamun geus jadi taneuh, urang saréréa bakal (dibalikkeun deui) jadi mahluk anu anyar?” Tah nu kitu téh jalma-jalma anu ingkar ka Pangéranana. Maranéhna téh jalma-jalma anu beuheungna diranté jeung jadi pangeusi naraka. Maranéhna langgeng (cicing) di dinya.
وَيَسْتَعْجِلُوْنَكَ بِالسَّيِّئَةِ قَبْلَ الْحَسَنَةِ وَقَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهِمُ الْمَثُلٰتُۗ وَاِنَّ رَبَّكَ لَذُوْ مَغْفِرَةٍ لِّلنَّاسِ عَلٰى ظُلْمِهِمْۚ وَاِنَّ رَبَّكَ لَشَدِيْدُ الْعِقَابِ٦
Wa yasta‘jilūnaka bis-sayyi'ati qablal-ḥasanati wa qad khalat min qablihimul-maṡulāt(u), wa inna rabbaka lażū magfiratil lin-nāsi ‘alā ẓulmihim, wa inna rabbaka lasyadīdul-‘iqāb(i).
[6]
Maranéhna kalah ka ménta ka hidep (Muhammad) sangkan buru-buru (meunang) siksaan, tibatan (ménta) kahadéan, padahal apan geus kajadian conto-conto (siksaan) saméméh maranéhna. Saleresna Pangéran hidep téh ngagaduhan pangampura pikeun manusa sanajan maranéhna dolim. Saleresna Pangéran hidep téh ogé kalintang beurat siksa-Na.
وَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ اٰيَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖۗ اِنَّمَآ اَنْتَ مُنْذِرٌ وَّلِكُلِّ قَوْمٍ هَادٍ ࣖ٧
Wa yaqūlul-lażīna kafarū lau lā unzila ‘alaihi āyatum mir rabbih(ī), innamā anta munżiruw wa likulli qaumin hād(in).
[7]
Jalma-jalma kapir nyarita kieu, “Ku naon atuh henteu diturunkeun ka manéhna (Muhammad) hiji tanda (mujijat) ti Pangéranana?” Sabenerna (tugas) hidep mah ngan ukur purah méré pépéling. Pikeun saban-saban kaom téh aya jalma nu purah méré pituduh.
اَللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَحْمِلُ كُلُّ اُنْثٰى وَمَا تَغِيْضُ الْاَرْحَامُ وَمَا تَزْدَادُ ۗوَكُلُّ شَيْءٍ عِنْدَهٗ بِمِقْدَارٍ٨
Allāhu ya‘lamu mā taḥmilu kullu unṡā wa mā tagīḍul-arḥāmu wa mā tazdād(u), wa kullu syai'in ‘indahū bimiqdār(in).
[8]
Allah uninga kana naon nu dikandung ku saban awéwé, naon nu ngurangan (henteu sampurna) jeung naon baé nu nambahan dina éta rahim. Saban perkara téh aya ukuranana (masing-masing) di mungguhing Allah.
عٰلِمُ الْغَيْبِ وَالشَّهَادَةِ الْكَبِيْرُ الْمُتَعَالِ٩
‘Alimul-gaibi wasy-syahādatil-kabīrul-muta‘āl(i).
[9]
(Allah) nu uninga ka sakabéh nu gaib jeung nu nu nembrak. (Mantenna) Mahaagung (tur) Mahaluhur.
سَوَاۤءٌ مِّنْكُمْ مَّنْ اَسَرَّ الْقَوْلَ وَمَنْ جَهَرَ بِهٖ وَمَنْ هُوَ مُسْتَخْفٍۢ بِالَّيْلِ وَسَارِبٌۢ بِالنَّهَارِ١٠
Sawā'um minkum man asarral-qaula wa man jahara bihī wa man huwa mustakhfim bil-laili wa sāribum bin-nahār(i).
[10]
Sami baé (mungguhing Allah mah), saha baé ti antara maranéh nu ngarasiahkeun omonganana, atawa anu terang-terangan ngedalkeunana, atawa anu susulumputan ti peuting atawa nu leumpang ti beurang.
لَهٗ مُعَقِّبٰتٌ مِّنْۢ بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ خَلْفِهٖ يَحْفَظُوْنَهٗ مِنْ اَمْرِ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُغَيِّرُ مَا بِقَوْمٍ حَتّٰى يُغَيِّرُوْا مَا بِاَنْفُسِهِمْۗ وَاِذَآ اَرَادَ اللّٰهُ بِقَوْمٍ سُوْۤءًا فَلَا مَرَدَّ لَهٗ ۚوَمَا لَهُمْ مِّنْ دُوْنِهٖ مِنْ وَّالٍ١١
Lahū mu‘aqqibātum mim baini yadaihi wa min khalfihī yaḥfaẓūnahū min amrillāh(i), innallāha lā yugayyiru mā biqaumin ḥattā yugayyirū mā bi'anfusihim, wa iżā arādallāhu biqaumin sū'an falā maradda lah(ū), wa mā lahum min dūnihī miw wāl(in).
[11]
Pikeun manéhna (manusa) aya (malaikat-malaikat) nu (terus) giliran (ngajaga) di hareupeun jeung di satukangeunana kalayan paréntah Allah. 484 Saleresna Allah moal ngarobah kaayaan hiji kaom nepi ka maranéhna ngarobah naon nu aya dina dirina sorangan. 485 Saupama Allah ngersakeun nibankeun kagoréngan ka hiji kaom, tangtu moal aya nu bisa ngahalanganana jeung moal pisan-pisan aya nu bisa ngaraksa maranéhna iwal ti Mantenna.
484) Pikeun saban manusa aya sababaraha malaikat nu tetep ngajaga manéhna kalayan giliran. Aya ogé sababaraha malaikat nu nyatet amal-amalna, nyaéta Roqib jeung ‘Atid. Nu dimaksud ku éta ayat téh nyaéta malaikat nu ngajaga kalawan bagilir téa nu disebut Malaikat Ḥafaẓah.
485) Allah moal rék ngarobah nasib hiji kaom saméméh éta kaom ngarobah dirina sorangan tina kamunduran-kamunduranana.
هُوَ الَّذِيْ يُرِيْكُمُ الْبَرْقَ خَوْفًا وَّطَمَعًا وَّيُنْشِئُ السَّحَابَ الثِّقَالَۚ١٢
Huwal-lażī yurīkumul -barqa khaufaw wa ṭama‘aw wa yunsyi'us -saḥābaṡ-ṡiqāl(a).
[12]
Mantenna nu némbongkeun ka maranéh gélédég (pikeun nimbulkeun) kasieun jeung pangharepan (turunna hujan), jeung Mantenna anu ngajadikeun méga nu beurat (ku pihujaneun).
وَيُسَبِّحُ الرَّعْدُ بِحَمْدِهٖ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ مِنْ خِيْفَتِهٖۚ وَيُرْسِلُ الصَّوَاعِقَ فَيُصِيْبُ بِهَا مَنْ يَّشَاۤءُ وَهُمْ يُجَادِلُوْنَ فِى اللّٰهِ ۚوَهُوَ شَدِيْدُ الْمِحَالِۗ١٣
Wa yusabbiḥur-ra‘du biḥamdihī wal-malā'ikatu min khīfatih(ī), wa yursiluṣ-ṣawā‘iqa fa yuṣību bihā may yasyā'u wa hum yujālidilūna fillāh(i), wa huwa syadīdul-miḥāl(i).
[13]
Guludug tasbéh ku muji ka Mantenna. Nya kitu deui malaikat-malaikat lantaran sieun ku Mantenna. Mantenna ngaleupas gelap, tuluy ngabéntarkeunana ka saha baé nu dikersakeun ku Mantenna. Samentara éta, maranéhna (jalma-jalma kapir) terus baé silih bantah ngeunaan Allah, padahal Mantenna mah Maharongkah Siksa-Na.
لَهٗ دَعْوَةُ الْحَقِّۗ وَالَّذِيْنَ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖ لَا يَسْتَجِيْبُوْنَ لَهُمْ بِشَيْءٍ اِلَّا كَبَاسِطِ كَفَّيْهِ اِلَى الْمَاۤءِ لِيَبْلُغَ فَاهُ وَمَا هُوَ بِبَالِغِهٖۗ وَمَا دُعَاۤءُ الْكٰفِرِيْنَ اِلَّا فِيْ ضَلٰلٍ١٤
Lahū da‘watul-ḥaqq(i), wal-lażīna yad‘ūna min dūnihī lā yastajībūna lahum bisyai'in illā kabāsiṭi kaffaihi ilal-mā'i liyabluga fāhu wa mā huwa bibāligih(ī), wa mā du‘ā'ul-kāfirīna illā fī ḍalāl(in).
[14]
Ngan kanggo Allah pangajak anu bener. Anapon (sesembahan-sesembahan) anu salian ti Mantenna moal bisa ngaijabah kana doa-doa manusa saeutik ogé, anging kawas jalma-jalma nu namprakkeun dua dampal leungeunna kana cai supaya (éta cai) nepi kana sungutna, padahal éta cai téh moal pisan bisa nepi kana sungutna. 486 Pangajak jalma-jalma kapir mah moal aya hasilna.
486) Jalma nu ngadoa ka salian ti Allah diupamakeun lir ibarat jalma nu namprakkeun dampal leungeunna kana cai supaya éta cai nepi kana sungutna. Tangtu hal éta moal kajadian salawasna ogé sabab dina dampal leungeunna nu namprak mah moal aya cai anu bisa nyalangkrung
وَلِلّٰهِ يَسْجُدُ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ طَوْعًا وَّكَرْهًا وَّظِلٰلُهُمْ بِالْغُدُوِّ وَالْاٰصَالِ ۩١٥
Wa lillāhi yasjudu man fis-samāwāti wal-arḍi ṭau‘aw wa karhaw wa ẓilāluhum bil-guduwwi wal-āṣāl(i).
[15]
Mung ka Allah wungkul sujud (sadaya) nu di langit sareng di bumi, boh kalayan kahayangna sorangan atawa kapaksa. (Nya kitu) ogé kalangkang-kalangkang maranéhna (sujud) dina wanci isuk-isuk jeung pasosoré.
قُلْ مَنْ رَّبُّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ قُلِ اللّٰهُ ۗقُلْ اَفَاتَّخَذْتُمْ مِّنْ دُوْنِهٖٓ اَوْلِيَاۤءَ لَا يَمْلِكُوْنَ لِاَنْفُسِهِمْ نَفْعًا وَّلَا ضَرًّاۗ قُلْ هَلْ يَسْتَوِى الْاَعْمٰى وَالْبَصِيْرُ ەۙ اَمْ هَلْ تَسْتَوِى الظُّلُمٰتُ وَالنُّوْرُ ەۚ اَمْ جَعَلُوْا لِلّٰهِ شُرَكَاۤءَ خَلَقُوْا كَخَلْقِهٖ فَتَشَابَهَ الْخَلْقُ عَلَيْهِمْۗ قُلِ اللّٰهُ خَالِقُ كُلِّ شَيْءٍ وَّهُوَ الْوَاحِدُ الْقَهَّارُ١٦
Qul mar rabbus-samāwāti wal-arḍ(i), qulillāh(u), qul afattakhażtum min dūnihī auliyā'a lā yamlikūna li'anfusihim naf‘aw wa lā ḍarrā(n), qul hal yastawil-a‘mā wal-baṣīr(u), am hal tastawiẓ-ẓulumātu wan-nūr(u), am ja‘alū lillāhi syurakā'a khalaqū kakhalqihī fa tasyābahal-khalqu ‘alaihim, qulillāhu khāliqu kulli syai'iw wa huwal-wāḥidul-qahhār(u).
[16]
Pék tanya ku hidep (Muhammad), “Saha Pangéran sakabéh langit jeung bumi téh?” (Terus) béjaan ku hidep, “Allah (kituh).” (Terus) tanya deui ku hidep, “Naha pantes maranéh ngajadikeun salian ti Allah minangka (sesembahan-sesembahan) nu nangtayungan, padahal maranéhna téh (apan) henteu kawasa ngadatangkeun mangpaat jeung nyegah madarat keur dirina sorangan ogé?” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Naha sarua (kitu) nu lolong jeung nu nempo? Atawa naha sarua (kitu) nu poék jeung nu caang? Atawa maranéhna rék nyieun sarékat-sarékat keur Allah anu (dipercaya) bisa nyiptakeun saperti ciptaana-Na, nepi ka éta (dua) ciptaan téh sarua ceuk maranéhna?” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Allah téh (Dat) nu nyiptakeun sagalana jeung Mantenna téh Mahatunggal (tur) Mahagagah.”
اَنْزَلَ مِنَ السَّمَاۤءِ مَاۤءً فَسَالَتْ اَوْدِيَةٌ ۢ بِقَدَرِهَا فَاحْتَمَلَ السَّيْلُ زَبَدًا رَّابِيًا ۗوَمِمَّا يُوْقِدُوْنَ عَلَيْهِ فِى النَّارِ ابْتِغَاۤءَ حِلْيَةٍ اَوْ مَتَاعٍ زَبَدٌ مِّثْلُهٗ ۗ كَذٰلِكَ يَضْرِبُ اللّٰهُ الْحَقَّ وَالْبَاطِلَ ەۗ فَاَمَّا الزَّبَدُ فَيَذْهَبُ جُفَاۤءً ۚوَاَمَّا مَا يَنْفَعُ النَّاسَ فَيَمْكُثُ فِى الْاَرْضِۗ كَذٰلِكَ يَضْرِبُ اللّٰهُ الْاَمْثَالَ ۗ١٧
Anzala minas-samā'i mā'an fa sālat audiyatum biqadarihā faḥtamalas-sailu zabadar rābiyā(n), wa mimmā yūqidūna ‘alaihi fin-nāribtigā'a ḥilyatin au matā‘in zabadum miṡluh(ū), każālika yaḍribullāhul-ḥaqqa wal-bāṭil(a), fa ammaz-zabadu fa yażhabu jufā'ā(n), wa ammā mā yanfa‘un-nāsa fa yamkuṡu fil-arḍ(i), każālika yaḍribullāhul-amṡāl(a).
[17]
Allah geus nurunkeun cai (hujan) ti langit, terus éta (cai téh) ngocor ka léngkob-léngkob nurutkeun ukuran (anu geus ditangtukeun). Éta cai anu ngagulidag téh mawa budah nu ngarambang. Tina rupa-rupa (logam) nu sok dilebur ku maranéhna dina seuneu pikeun (dijadikeun) hiasan atawa pakakas, ogé aya budah nu saperti kitu. Tah saperti kitu Allah ngadamel paupamaan antara anu hak jeung anu batil. Budah mah bakal leungit taya gunana, sedengkeun anu mangpaat keur manusa mah bakal tetep aya di jero bumi. Tah saperti kitu Allah ngadamel paupamaan-paupamaan.
لِلَّذِيْنَ اسْتَجَابُوْا لِرَبِّهِمُ الْحُسْنٰىۗ وَالَّذِيْنَ لَمْ يَسْتَجِيْبُوْا لَهٗ لَوْ اَنَّ لَهُمْ مَّا فِى الْاَرْضِ جَمِيْعًا وَّمِثْلَهٗ مَعَهٗ لَافْتَدَوْا بِهٖ ۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ سُوْۤءُ الْحِسَابِ ەۙ وَمَأْوٰىهُمْ جَهَنَّمُ ۗوَبِئْسَ الْمِهَادُ ࣖ١٨
Lil-lażīnastajābū lirabbihimul-ḥusnā, wal-lażīna lam yastajībū lahū lau anna lahum mā fil-arḍi jamī‘aw wa miṡlahū ma‘ahū laftadau bih(ī), ulā'ika lahum sū'ul-ḥisāb(i), wa ma'wāhum jahannam(u), wa bi'sal-mihād(u).
[18]
Pikeun jalma-jalma anu nedunan pangajak Pangéranana (taat ka Allah tur ka rasul-Na) bakal disadiakeun wawales anu hadé (sawarga). Sedengkeun jalma-jalma nu teu daék nedunan pangajak Mantenna mah, lamun seug téa mah maranéhna (engké) boga pakaya saeusining bumi terus (ditambahan) saeusining bumi deui, tangtu maranéhna bakal (ngupayakeun) nebus dirina (tina naraka) ku éta kabogana téa. Tah jalma-jalma nu kitu téh (bakal meunang) balitungan nu goréng. Tempat cicingna téh naraka Jahanam. Éta téh tempat cicing nu panggoréng-goréngna.
۞ اَفَمَنْ يَّعْلَمُ اَنَّمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ مِنْ رَّبِّكَ الْحَقُّ كَمَنْ هُوَ اَعْمٰىۗ اِنَّمَا يَتَذَكَّرُ اُولُوا الْاَلْبَابِۙ١٩
Afamay ya‘lamu annamā unzila ilaika mir rabbikal-ḥaqqu kaman huwa a‘mā, innamā yatażakkaru ulul-albāb(i).
[19]
Naha jalma anu nyaho yén naon nu diturunkeun ka hidep ti Pangéran hidep téh bebeneran, sarua jeung jalma anu lolong? Saenyana ukur jalma-jalma anu boga akal séhat wungkul anu bisa ngalap atikan mah.
الَّذِيْنَ يُوْفُوْنَ بِعَهْدِ اللّٰهِ وَلَا يَنْقُضُوْنَ الْمِيْثَاقَۙ٢٠
Al-lażīna yūfūna bi‘ahdillāhi wa lā yanquḍūnal-mīṡāq(a).
[20]
(Nyaéta) jalma-jalma nu nedunan kana jangjina ka Allah sarta henteu jalir kana jangji pasini,
وَالَّذِيْنَ يَصِلُوْنَ مَآ اَمَرَ اللّٰهُ بِهٖٓ اَنْ يُّوْصَلَ وَيَخْشَوْنَ رَبَّهُمْ وَيَخَافُوْنَ سُوْۤءَ الْحِسَابِ ۗ٢١
Wal-lażīna yaṣilūna mā amarallāhu bihī ay yūṣala wa yakhsyauna rabbahum wa yakhāfūna sū'al-ḥisāb(i).
[21]
jalma-jalma nu nyambungkeun sakabéh nu diparéntahkeun ku Allah supaya disambungkeun, 487 jeung jalma-jalma nu kacida sieunna ka Pangéranana, sarta anu hariwang kana balitungan anu goréng.
487) Nyaéta silaturahim jeung tatali wargi.
وَالَّذِيْنَ صَبَرُوا ابْتِغَاۤءَ وَجْهِ رَبِّهِمْ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاَنْفَقُوْا مِمَّا رَزَقْنٰهُمْ سِرًّا وَّعَلَانِيَةً وَّيَدْرَءُوْنَ بِالْحَسَنَةِ السَّيِّئَةَ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ عُقْبَى الدَّارِۙ٢٢
Wal-lażīna ṣabarubtigā'a wajhi rabbihim wa aqāmuṣ-ṣalāta wa anfaqū mimmā razaqnāhum sirraw wa ‘alāniyataw wa yadra'ūna bil-ḥasanatis-sayyi'ata ulā'ika lahum ‘uqbad-dār(i).
[22]
Jalma-jalma nu sabar demi miharep karidoan ti Pangéranana, anu ngadegkeun salat, jeung anu nganapkahkeun sawaréh tina rejeki nu geus dikurniakeun ku Kami ka aranjeunna, boh ku cara susulumputan atawa terang-terangan, sarta nu nolak kagoréngan ku kahadéan, nya pikeun jalma-jalma nu sarupa kitu (aya) tempat tujuan (nu hadé),
جَنّٰتُ عَدْنٍ يَّدْخُلُوْنَهَا وَمَنْ صَلَحَ مِنْ اٰبَاۤىِٕهِمْ وَاَزْوَاجِهِمْ وَذُرِّيّٰتِهِمْ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ يَدْخُلُوْنَ عَلَيْهِمْ مِّنْ كُلِّ بَابٍۚ٢٣
Jannātu ‘adniy yadkhulūnahā wa man ṣalaḥa min ābā'ihim wa azwājihim wa żurriyyātihim wal-malā'ikatu yadkhulūna ‘alaihim min kulli bāb(in).
[23]
(nyaéta) sawarga Aden. Aranjeunna engké bakal asup ka dinya babarengan jeung jalma-jalma nu soléh ti antara luluhurna, istri-istrina, jeung turunanana, sedengkeun para malaikat bakal lebet (ngawilujengkeun) ka aranjeunna ti saban lawang.
سَلٰمٌ عَلَيْكُمْ بِمَا صَبَرْتُمْ فَنِعْمَ عُقْبَى الدَّارِۗ٢٤
Salāmun ‘alaikum bimā ṣabartum fa ni‘ma ‘uqbad-dār(i).
[24]
(Para malaikat uluk salam), “Mugia ginanjar kawilujengan kanggo salira sadaya jalaran salira parantos sabar.” Tah éta téh tempat tujuan nu panghadé-hadéna.
وَالَّذِيْنَ يَنْقُضُوْنَ عَهْدَ اللّٰهِ مِنْ ۢ بَعْدِ مِيْثَاقِهٖ وَيَقْطَعُوْنَ مَآ اَمَرَ اللّٰهُ بِهٖٓ اَنْ يُّوْصَلَ وَيُفْسِدُوْنَ فِى الْاَرْضِۙ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمُ اللَّعْنَةُ وَلَهُمْ سُوْۤءُ الدَّارِ٢٥
Wal-lażīna yanquḍūna ‘ahdallāhi mim ba‘di mīṡāqihī wa yaqṭa‘ūna mā amarallāhu bihī ay yūṣala wa yufsidūna fil-arḍ(i), ulā'ika lahumul-la‘natu wa lahum sū'ud-dār(i).
[25]
Anapon jalma-jalma nu jalir kana jangjina ka Allah sanggeus paheut, anu megatkeun perkara-perkara nu diparéntahkeun ku Allah sangkan disambungkeun, jeung anu sok ngaruksak di bumi, maranéhna téh jalma-jalma nu bakal meunang la’nat jeung tempat anu goréng (Jahanam).
اَللّٰهُ يَبْسُطُ الرِّزْقَ لِمَنْ يَّشَاۤءُ وَيَقْدِرُ ۗوَفَرِحُوْا بِالْحَيٰوةِ الدُّنْيَاۗ وَمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَا فِى الْاٰخِرَةِ اِلَّا مَتَاعٌ ࣖ٢٦
Allāhu yabsuṭur-rizqa limay yasyā'u wa yaqdir(u), wa fariḥū bil-ḥayātid-dun-yā, wa mal-ḥayātud-dun-yā fil-ākhirati illā matā‘(un).
[26]
Allah ngajembarkeun jeung ngaheureutkeun rejeki ka saha baé anu dikersakeun ku Mantenna. Maranéhna bungah ku kahirupan dunya, padahal kahirupan dunya téh mun dibandingkeun jeung kahirupan ahérat mah ngan ukur kasenangan nu teu sapira.
وَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ اٰيَةٌ مِّنْ رَّبِّهٖۗ قُلْ اِنَّ اللّٰهَ يُضِلُّ مَنْ يَّشَاۤءُ وَيَهْدِيْٓ اِلَيْهِ مَنْ اَنَابَۖ٢٧
Wa yaqūlul-lażīna kafarū lau lā unzila ‘alaihi āyatum mir rabbih(ī), qul innallāha yuḍillu may yasyā'u wa yahdī ilaihi man anāb(a).
[27]
Jalma-jalma kapir téh nyarita, “Kunanon teu diturunkeun ka manéhna (Muhammad) tanda (mujijat) ti Pangéranana?” Pék caritakeun ku hidep, “Saleresna Allah nyasarkeun saha baé nu dikersakeun ku Mantenna, jeung maparin pituduh kana jalan-Na ka saha baé nu tobat.”
الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَتَطْمَىِٕنُّ قُلُوْبُهُمْ بِذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اَلَا بِذِكْرِ اللّٰهِ تَطْمَىِٕنُّ الْقُلُوْبُ ۗ٢٨
Al-lażīna āmanū wa taṭma'innu qulūbuhum biżikrillāh(i), alā biżikrillāhi taṭma'innul-qulūb(u).
[28]
(Nyaéta) jalma-jalma nu iman tur haténa ngarasa tengtrem lantaran dikir (inget) ka Allah. Sing inget yén ngan ku cara dikir ka Allah haté bakal tengtrem.
اَلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ طُوْبٰى لَهُمْ وَحُسْنُ مَاٰبٍ٢٩
Allażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti ṭūbā lahum wa ḥusnu ma'āb(in).
[29]
Jalma-jalma nu iman tur milampah amal soléh, pikeun aranjeunna kabagjaan jeung tempat pangbalikan nu hadé.
كَذٰلِكَ اَرْسَلْنٰكَ فِيْٓ اُمَّةٍ قَدْ خَلَتْ مِنْ قَبْلِهَآ اُمَمٌ لِّتَتْلُوَا۟ عَلَيْهِمُ الَّذِيْٓ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ وَهُمْ يَكْفُرُوْنَ بِالرَّحْمٰنِۗ قُلْ هُوَ رَبِّيْ لَآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَۚ عَلَيْهِ تَوَكَّلْتُ وَاِلَيْهِ مَتَابِ٣٠
Każālika arsalnāka fī ummatin qad khalat min qablihā umamul litatluwa ‘alaihimul-lażī auḥainā ilaika wa hum yakfurūna bir-raḥmān(i), qul huwa rabbī lā ilāha illā huw(a), ‘alaihi tawakkaltu wa ilaihi matāb(i).
[30]
Saperti (diutusna para rasul saméméh hidep) kitu, Kami geus ngutus hidep (Muhammad) ka hiji umat nu geus kapiheulaan saméméhna ku umat-umat (séjén), sangkan hidep mangmacakeun ka maranéhna (Al-Qur’an) anu geus diwahyukeun ka hidep ku Kami, padahal maranéhna téh ingkar ka Pangéran Nu Mahawelas. Pék caritakeun ku hidep, “Mantenna téh Pangéran kuring. Teu aya Pangéran iwal ti Mantenna. Mung ka Mantenna kuring tawekal jeung mung ka Mantenna kuring tobat.”
وَلَوْ اَنَّ قُرْاٰنًا سُيِّرَتْ بِهِ الْجِبَالُ اَوْ قُطِّعَتْ بِهِ الْاَرْضُ اَوْ كُلِّمَ بِهِ الْمَوْتٰىۗ بَلْ لِّلّٰهِ الْاَمْرُ جَمِيْعًاۗ اَفَلَمْ يَا۟يْـَٔسِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اَنْ لَّوْ يَشَاۤءُ اللّٰهُ لَهَدَى النَّاسَ جَمِيْعًاۗ وَلَا يَزَالُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا تُصِيْبُهُمْ بِمَا صَنَعُوْا قَارِعَةٌ اَوْ تَحُلُّ قَرِيْبًا مِّنْ دَارِهِمْ حَتّٰى يَأْتِيَ وَعْدُ اللّٰهِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُخْلِفُ الْمِيْعَادَ ࣖ٣١
Wa lau anna qur'ānan suyyirat bihil-jibālu au quṭṭi‘at bihil-arḍu au kullima bihil-mautā, bal lillāhil-amru jamī‘ā(n), afalam yai'asil-lażīna āmanū allau yasyā'ullāhu lahadan-nāsa jamī‘ā(n), wa lā yazālul-lażīna kafarū tuṣībuhum bimā ṣana‘ū qāri‘atun au taḥullu qarībam min dārihim ḥattā ya'tiya wa‘dullāh(i), innallāha lā yukhliful-mī‘ād(a).
[31]
Saupamana baé aya hiji bacaan (Kitab) anu ku éta bacaan téh gunung-gunung bisa digésérkeun, atawa bumi bisa dibeulah, atawa jalma-jalma nu geus paéh bisa diajak ngomong deui, (tangtu éta téh Al-Qur'an). Sabenerna sagala urusan téh kagungan Allah. Naha jalma-jalma nu iman téh henteu nyahoeun kitu yén lamun seug ngersakeun, tangtu Allah geus maparin pituduh ka sakabéh manusa. Jalma-jalma anu kupur mah bakal terus-terusan ditibanan kacilakaan lantaran paripolahna sorangan; atawa éta kacilakaan téh tumiba di tempat nu deukeut jeung lemburna, nepi ka datang jangji Allah. Saleresna Allah tara jalir kana jangji.
وَلَقَدِ اسْتُهْزِئَ بِرُسُلٍ مِّنْ قَبْلِكَ فَاَمْلَيْتُ لِلَّذِيْنَ كَفَرُوْا ثُمَّ اَخَذْتُهُمْ فَكَيْفَ كَانَ عِقَابِ٣٢
Wa laqadistuhzi'a birusulim min qablika fa amlaitu lil-lażīna kafarū ṡumma akhażtuhum fa kaifa kāna ‘iqāb(i).
[32]
Tétéla para rasul saméméh hidep (ogé sarua) geus pada diguguyonkeun, nya Kami méré témpo ka éta jalma-jalma kapir, tuluy Kami siksa maranéhna. Kacida rongkahna siksaan (Kami téh).
اَفَمَنْ هُوَ قَاۤىِٕمٌ عَلٰى كُلِّ نَفْسٍۢ بِمَا كَسَبَتْۚ وَجَعَلُوْا لِلّٰهِ شُرَكَاۤءَ ۗ قُلْ سَمُّوْهُمْۗ اَمْ تُنَبِّـُٔوْنَهٗ بِمَا لَا يَعْلَمُ فِى الْاَرْضِ اَمْ بِظَاهِرٍ مِّنَ الْقَوْلِ ۗبَلْ زُيِّنَ لِلَّذِيْنَ كَفَرُوْا مَكْرُهُمْ وَصُدُّوْا عَنِ السَّبِيْلِ ۗوَمَنْ يُّضْلِلِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ هَادٍ٣٣
Afaman huwa qā'imun ‘alā kulli nafsim bimā kasabat, wa ja‘alū lillāhi syurakā'(a), qul sammūhum, am tunabbi'ūnahū bimā lā ya‘lamu fil-arḍi am biẓāhirim minal-qaul(i), bal zuyyina lil-lażīna kafarū makruhum wa ṣuddū ‘anis-sabīl(i), wa may yuḍlilillāhu famā lahū min hād(in).
[33]
Naha Mantenna nu ngaraksa unggal jiwa dina sagala perkara anu diupayakeunana (sarua jeung pangéran salian ti Mantenna)? Maranéhna ngajadikeun sarékat-sarékat keur Allah. Béjakeun ku hidep (Muhammad), “Sok atuh sebutkeun ku aranjeun sipat-sipat éta sarékat-sarékat téh! Atawa naha aranjeun rék ngabéjaan ka Mantenna perkara nu teu kauninga ku Mantenna di ieu bumi, atawa aranjeun (nyaritakeun hal éta) ngan ukur caritaan lahir wungkul?” Sabenerna mah (pikeun) jalma-jalma kapir mah tipu dayana téh karasa hadé (keur maranéhna), jeung maranéhna geus dihalangan tina jalan (anu bener). Saha baé nu disasarkeun ku Allah, mangka moal aya saurang ogé nu bisa méré pituduh ka manéhna.
لَهُمْ عَذَابٌ فِى الْحَيٰوةِ الدُّنْيَا وَلَعَذَابُ الْاٰخِرَةِ اَشَقُّۚ وَمَا لَهُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ وَّاقٍ٣٤
Lahum ‘ażābun fil-ḥayātid-dun-yā wa la‘ażābul-ākhirati asyaqq(u), wa mā lahum minallāhi miw wāq(in).
[34]
Pikeun maranéhna siksaan (anu peurih) dina kahirupan dunya, jeung siksa ahérat pasti leuwih peurih. Moal aya saurang ogé anu bisa nangtayungan maranéhna tina (siksa) Allah.
۞ مَثَلُ الْجَنَّةِ الَّتِيْ وُعِدَ الْمُتَّقُوْنَۗ تَجْرِيْ مِنْ تَحْتِهَا الْاَنْهٰرُۗ اُكُلُهَا دَاۤىِٕمٌ وَّظِلُّهَاۗ تِلْكَ عُقْبَى الَّذِيْنَ اتَّقَوْا ۖوَّعُقْبَى الْكٰفِرِيْنَ النَّارُ٣٥
Maṡalul-jannatil-latī wu‘idal-muttaqūn(a), tajrī min taḥtihal-anhār(u), ukuluhā dā'imuw wa ẓilluhā, tilka ‘uqbal-lażīnattaqau, wa ‘uqbal-kāfirīnan-nār(u).
[35]
Paupamaan sawarga nu dijangjikeun ka jalma-jalma nu takwa téh (lir ibarat patamanan) nu cur-cor di handapeunana walungan-walungan, sarta buah jeung iuhna mayeng. Tah éta akibat keur jalma-jalma anu takwa mah, sedengkeun akibat keur jalma-jalma kapir mah nya naraka téa.
وَالَّذِيْنَ اٰتَيْنٰهُمُ الْكِتٰبَ يَفْرَحُوْنَ بِمَآ اُنْزِلَ اِلَيْكَ وَمِنَ الْاَحْزَابِ مَنْ يُّنْكِرُ بَعْضَهٗ ۗ قُلْ اِنَّمَآ اُمِرْتُ اَنْ اَعْبُدَ اللّٰهَ وَلَآ اُشْرِكَ بِهٖ ۗاِلَيْهِ اَدْعُوْا وَاِلَيْهِ مَاٰبِ٣٦
Wal-lażīna ātaināhumul-kitāba yafraḥūna bimā unzila ilaika wa minal-aḥzābi may yunkiru ba‘ḍah(ū), qul innamā umirtu an a‘budallāha wa lā usyrika bih(ī), ilaihi ad‘ū wa ilaihi ma'āb(i).
[36]
Jalma-jalma nu geus dipaparinan Kitab ku Kami 488 ngarasa bungah ku Kitab nu diturunkeun ka hidep (Muhammad). Ti antara golongan (Yahudi jeung Nasrani) aya ogé nu ingkar kana sabagianana (eusi Al-Qur’an). Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Saenyana kuring mah ngan diparéntah pikeun ibadah ka Allah jeung teu musrik ka Mantenna. Mung ka Mantenna kuring ngajak (manusa) jeung mung ka Mantenna kuring mulang.”
488) Nyaéta urang Yahudi nu geus asup Islam saperti Abdullah bin Salam jeung urang Nasrani nu geus asup Islam.
وَكَذٰلِكَ اَنْزَلْنٰهُ حُكْمًا عَرَبِيًّاۗ وَلَىِٕنِ اتَّبَعْتَ اَهْوَاۤءَهُمْ بَعْدَمَا جَاۤءَكَ مِنَ الْعِلْمِۙ مَا لَكَ مِنَ اللّٰهِ مِنْ وَّلِيٍّ وَّلَا وَاقٍ ࣖ٣٧
Wa każālika anzalnāhu ḥukman ‘arabiyyā(n), wa la'inittaba‘ta ahwā'ahum ba‘da mā jā'aka minal-‘ilm(i), mā laka minallāhi miw waliyyiw wa lā wāq(in).
[37]
Tah kitu, Kami geus nurunkeun éta (Al-Qur’an) minangka anu nangtukeun hukum dina basa Arab. 489 Saupama hidep nuturkeun kana kahayang maranéhna sanggeus datang élmu ka hidep, tangtu hidep moal pisan boga nu nangtayungan jeung nu ngajaga tina (siksa) Allah.
489) Kautamaan basa Arab téh ti antarana:
a. Ti baheula nepi ka ayeuna basa Arab tetep hirup, dina harti terus dipaké ku loba manusa.
b. Basa Arab cocok tur beunghar ku kecap-kecap anu bisa ngajelaskeun rupa-rupa perkara ngeunaan Pangeran jeung ahérat.
c. Hiji kecap dina basa Arab bisa diobah jadi sababaraha kecap nepi ka 3000 kecap. Nu saperti kitu téh teu aya dina basa séjén mah.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا رُسُلًا مِّنْ قَبْلِكَ وَجَعَلْنَا لَهُمْ اَزْوَاجًا وَّذُرِّيَّةً ۗوَمَا كَانَ لِرَسُوْلٍ اَنْ يَّأْتِيَ بِاٰيَةٍ اِلَّا بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗلِكُلِّ اَجَلٍ كِتَابٌ٣٨
Wa laqad arsalnā rusulam min qablika wa ja‘alnā lahum azwājaw wa żurriyyah(tan), wa mā kāna lirasūlin ay ya'tiya bi'āyatin illā bi'iżnillāh(i), likulli ajalin kitāb(un).
[38]
Sabenerna Kami geus ngutus para rasul saméméh hidep (Muhammad), jeung Kami geus maparin jodo jeung katurunan ka aranjeunna. Teu mungkin pikeun saurang rasul ngadatangkeun hiji bukti (mujijat) anging kalayan widi ti Allah. Pikeun saban-saban mangsa aya katangtuanana. 490
490) Tujuan ieu ayat téh keur ngabantah anu sok ngahina ka Nabi Muhammad Saw. Ti antarana nyaéta pikeun ngabantah pamadegan maranéhna yén rasul téh bisa ngadatangkeun mujijat sakahayangna. Padahal mujijat mah mung dipasihkeun ku Allah ka rasul-Na dina waktu diperlukeun wungkul, lain keur kaulinan. Pikeun unggal-unggal rasul aya kitabna séwang-séwangan nu luyu jeung kaayaan waktu harita.
يَمْحُوا اللّٰهُ مَا يَشَاۤءُ وَيُثْبِتُ ۚوَعِنْدَهٗٓ اُمُّ الْكِتٰبِ٣٩
Yamḥullāhu mā yasyā'u wa yuṡbit(u), wa ‘indahū ummul-kitāb(i).
[39]
Allah mupus jeung netepkeun naon nu dikersakeun ku Mantenna. Di mungguhing Mantenna aya Ummul Kitāb (Loh Mahpud).
وَاِنْ مَّا نُرِيَنَّكَ بَعْضَ الَّذِيْ نَعِدُهُمْ اَوْ نَتَوَفَّيَنَّكَ فَاِنَّمَا عَلَيْكَ الْبَلٰغُ وَعَلَيْنَا الْحِسَابُ٤٠
Wa immā nuriyannaka ba‘ḍal-lażī na‘iduhum au natawaffayannaka fa innamā ‘alaikal-balāgu wa ‘alainal-ḥisāb(u).
[40]
Sabenerna lamun seug Kami némbongkeun ka hidep (Muhammad), nalika hidep jumeneng kénéh di dunya) sawaréh (siksaan) nu diancamkeun ku Kami ka maranéhna, (tangtu hidep bakal ningali rongkahna éta siksa); atawa lamun seug Kami ngamaotkeun hidep (saméméh ningali heula éta siksa), saenyana tugas hidep mah ngan mangnepikeun wungkul (tablég), jeung nya Kami anu bakal balitungan (jeung maranéhna) mah.
اَوَلَمْ يَرَوْا اَنَّا نَأْتِى الْاَرْضَ نَنْقُصُهَا مِنْ اَطْرَافِهَاۗ وَاللّٰهُ يَحْكُمُ لَا مُعَقِّبَ لِحُكْمِهٖۗ وَهُوَ سَرِيْعُ الْحِسَابِ٤١
Awa lam yarau annā na'til-arḍa nanquṣuhā min aṭrāfihā, wallāhu yaḥkumu lā mu‘aqqiba liḥukmih(ī), wa huwa sarī‘ul-ḥisāb(i).
[41]
Naha maranéhna henteu ningali kitu yén saenyana Kami ngadatangan wewengkon-wewengkon (jalma nu ingkar ka Allah), tuluy Kami kurangan éta wewengkon (saeutik-saeutik) ti sisi-sisina? Allah netepkeun hukum (sakersaning kahoyong-Na). Taya anu bisa nolak kana hukum-Na. Mantenna téh Mahaénggal balitungana-Na.
وَقَدْ مَكَرَ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْ فَلِلّٰهِ الْمَكْرُ جَمِيْعًا ۗيَعْلَمُ مَا تَكْسِبُ كُلُّ نَفْسٍۗ وَسَيَعْلَمُ الْكُفّٰرُ لِمَنْ عُقْبَى الدَّارِ٤٢
Wa qad makaral-lażīna min qablihim fa lillāhil-makru jamī‘ā(n), ya‘lamu mā taksibu kullu nafs(in), wa saya‘lamul-kuffāru liman ‘uqbad-dār(i).
[42]
Tétéla jalma-jalma saméméh maranéhna (kapir-kapir Mekah) ogé kungsi nyieun tipu daya, tapi kabéhanana aya dina kakawasaan Allah. Mantenna uninga kana sagala nu diupayakeun ku unggal jalma, jeung jalma-jalma kapir bakal nyahoeun keur saha tempat pangbalikan (nu hadé téh).
وَيَقُوْلُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا لَسْتَ مُرْسَلًا ۗ قُلْ كَفٰى بِاللّٰهِ شَهِيْدًاۢ بَيْنِيْ وَبَيْنَكُمْۙ وَمَنْ عِنْدَهٗ عِلْمُ الْكِتٰبِ ࣖ٤٣
Wa yaqūlul-lażīna kafarū lasta mursalā(n), qul kafā billāhi syahīdam bainī wa bainakum, wa man ‘indahū ‘ilmul-kitāb(i).
[43]
Jalma-jalma kapir ngomong kieu, “Manéh (Muhammad) mah lain rasul.” Pék jawab ku hidep, “Cukup Allah jeung jalma-jalma nu boga élmu ngeunaan Kitab nu jadi saksi antara kuring jeung aranjeun. 491
491) Maksudna para ulama Ahli Kitab nu geus ngagem agama Islam.