Surah Yusuf
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤرٰ ۗ تِلْكَ اٰيٰتُ الْكِتٰبِ الْمُبِيْنِۗ١
Alif lām rā, tilka āyātul-kitābil-mubīn(i).
[1]
Alif Lām Rā. 463 Éta téh ayat-ayat Kitab (Al-Qur’an) anu méré katerangan anu jelas.
463) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
اِنَّآ اَنْزَلْنٰهُ قُرْاٰنًا عَرَبِيًّا لَّعَلَّكُمْ تَعْقِلُوْنَ٢
Innā anzalnāhu qur'ānan ‘arabiyyal la‘allakum ta‘qilūn(a).
[2]
Sabenerna Kami geus nurunkeun éta (Al-Qur’an) ku basa Arab, sangkan aranjeun ngagunakeun akal.
نَحْنُ نَقُصُّ عَلَيْكَ اَحْسَنَ الْقَصَصِ بِمَآ اَوْحَيْنَآ اِلَيْكَ هٰذَا الْقُرْاٰنَۖ وَاِنْ كُنْتَ مِنْ قَبْلِهٖ لَمِنَ الْغٰفِلِيْنَ٣
Naḥnu naquṣṣu ‘alaika aḥsanal-qaṣaṣi bimā auḥainā ilaika hāżal-qur'ān(a), wa in kunta min qablihī laminal-gāfilīn(a).
[3]
Kami nyaritakeun ka hidep (Muhammad) kisah nu panghadéna ku ngawahyukeun ieu Al-Qur’an ka hidep. Sabenerna hidep téh saméméhna mah bener-bener kaasup jalma-jalma nu teu terang.
اِذْ قَالَ يُوْسُفُ لِاَبِيْهِ يٰٓاَبَتِ اِنِّيْ رَاَيْتُ اَحَدَ عَشَرَ كَوْكَبًا وَّالشَّمْسَ وَالْقَمَرَ رَاَيْتُهُمْ لِيْ سٰجِدِيْنَ٤
Iż qāla yūsufu li'abīhi yā abati innī ra'aitu aḥada ‘asyara kaukabaw wasy-syamsa wal-qamara ra'aituhum lī sājidīn(a).
[4]
(Sing inget) nalika Yusuf nyarita ka ramana, 464 “Bapa, saleresna abdi parantos ngimpén ningal sawelas béntang, panonpoé, sareng bulan sadayana sujud ka abdi.”
464) Maksudna nyarios ka Nabi Yaqub, murangkalih Ishaq, murangkalih Ibrahim.
قَالَ يٰبُنَيَّ لَا تَقْصُصْ رُءْيَاكَ عَلٰٓى اِخْوَتِكَ فَيَكِيْدُوْا لَكَ كَيْدًا ۗاِنَّ الشَّيْطٰنَ لِلْاِنْسَانِ عَدُوٌّ مُّبِيْنٌ٥
Qāla yā bunayya lā taqṣuṣ ru'yāka ‘alā ikhwatika fa yakīdū laka kaidā(n), innasy-syaiṭāna lil-insāni ‘aduwwum mubīn(un).
[5]
Ramana ngajawab, “Anaking, kadé ulah nyaritakeun éta impian ka dulur-dulur hidep, sabab maranéhna bakal nyieun tipu muslihat anu saenyana ka hidep. Sabenerna sétan téh musuh anu nyata pikeun manusa.”
وَكَذٰلِكَ يَجْتَبِيْكَ رَبُّكَ وَيُعَلِّمُكَ مِنْ تَأْوِيْلِ الْاَحَادِيْثِ وَيُتِمُّ نِعْمَتَهٗ عَلَيْكَ وَعَلٰٓى اٰلِ يَعْقُوْبَ كَمَآ اَتَمَّهَا عَلٰٓى اَبَوَيْكَ مِنْ قَبْلُ اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْحٰقَۗ اِنَّ رَبَّكَ عَلِيْمٌ حَكِيْمٌ ࣖ٦
Wa każālika yajtabīka rabbuka wa yu‘allimuka min ta'wīlil-aḥādīṡi wa yutimmu ni‘matahū ‘alaika wa ‘alā āli ya‘qūba kamā atammahā ‘alā abawaika min qablu ibrāhīma wa isḥāq(a), inna rabbaka ‘alīmun ḥakīm(un).
[6]
Nya kitu pisan Pangéran hidep geus milih hidep (pikeun jadi nabi), ngajarkeun sabagian tina tabir impian ka hidep, sarta nyampurnakeun ni’mat-Na ka hidep jeung ka kulawarga Yaqub, saperti Mantenna geus nyampurnakeun ni’mat-Na ka dua aki hidep 465 saméméhna, nyaéta Ibrahim jeung Ishaq. Saleresna Pangéran hidep téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
465) Nu dimaksud aki dina ayat ieu téh nyaéta aki sareng uyut (bapana aki).
۞ لَقَدْ كَانَ فِيْ يُوْسُفَ وَاِخْوَتِهٖٓ اٰيٰتٌ لِّلسَّاۤىِٕلِيْنَ٧
Laqad kāna fī yūsufa wa ikhwatihī āyātul lis-sā'ilīn(a).
[7]
Tétéla dina (kisah) Yusuf jeung dulur-dulurna téh bener-bener aya sababaraha tanda (kakawasaan Allah) pikeun jalma-jalma nu nanya.
اِذْ قَالُوْا لَيُوْسُفُ وَاَخُوْهُ اَحَبُّ اِلٰٓى اَبِيْنَا مِنَّا وَنَحْنُ عُصْبَةٌ ۗاِنَّ اَبَانَا لَفِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍۙ٨
Iż qālū layūsufu wa akhūhu aḥabbu ilā abīnā minnā wa naḥnu ‘uṣbah(tun), inna abānā lafī ḍalālim mubīn(in).
[8]
Nalika maranéhna nyarita, “Sabenerna Yusuf jeung dulur (sakandung) na (Bunyamin) leuwih dipikanyaah ku bapa urang saréréa tibatan urang saréréa, padahal urang saréréa téh apan golongan (anu kuat). Sabenerna bapa urang saréréa téh aya dina kasalahan anu nyata.
ۨاقْتُلُوْا يُوْسُفَ اَوِ اطْرَحُوْهُ اَرْضًا يَّخْلُ لَكُمْ وَجْهُ اَبِيْكُمْ وَتَكُوْنُوْا مِنْۢ بَعْدِهٖ قَوْمًا صٰلِحِيْنَ٩
Uqtulū yūsufa awiṭraḥūhu arḍay yakhlu lakum wajhu abīkum wa takūnū mim ba‘dihī qauman ṣāliḥīn(a).
[9]
Geura paéhan Yusuf téh atawa singkirkeun ka hiji tempat (anu teu jauh), sangkan kanyaah bapa aranjeun téh tamplok ka aranjeun wungkul, jeung sanggeusna kitu (aranjeun kudu tobat jeung) aranjeun kudu jadi jalma-jalma anu soléh!” 466
466) “Jadi jalma-jalma anu soléh” maksudna “maranéhna sanggeus “nelasan” Yusuf a.s. kudu tobat ka Allah tur migawé amal soléh!”
قَالَ قَاۤىِٕلٌ مِّنْهُمْ لَا تَقْتُلُوْا يُوْسُفَ وَاَلْقُوْهُ فِيْ غَيٰبَتِ الْجُبِّ يَلْتَقِطْهُ بَعْضُ السَّيَّارَةِ اِنْ كُنْتُمْ فٰعِلِيْنَ١٠
Qāla qā'ilum minhum lā taqtulū yūsufa wa alqūhu fī gayābatil-jubbi yaltaqiṭhu ba‘ḍus-sayyārati in kuntum fā‘ilīn(a).
[10]
Salah saurang dulurna pok nyarita kieu, “Omat ulah dipaéhan Yusuf téh, tapi kunclungkeun baé ka jero sumur, sangkan dicandak ku jalma-jalma nu lalar liwat ka dinya, upama aranjeun rék milampah mah.”
قَالُوْا يٰٓاَبَانَا مَا لَكَ لَا تَأْمَنَّ۫ا عَلٰى يُوْسُفَ وَاِنَّا لَهٗ لَنٰصِحُوْنَ١١
Qālū yā abānā mā laka lā ta'mannā ‘alā yūsufa wa innā lahū lanāṣiḥūn(a).
[11]
Maranéhna nyarita, “Nun bapa abdi sadaya, naon margina bapa henteu percanten ka abdi sadaya perkawis Yusuf, padahal abdi sadaya ogé leres-leres sami pada miharep kasaéan keur manéhna?
اَرْسِلْهُ مَعَنَا غَدًا يَّرْتَعْ وَيَلْعَبْ وَاِنَّا لَهٗ لَحٰفِظُوْنَ١٢
Arsilhu ma‘anā gaday yarta‘ wa yal‘ab wa innā lahū laḥāfiẓūn(a).
[12]
Mugi manéhna diwidian enjing angkat sareng abdi sadaya, supados manéhna (tiasa) senang-senang sareng (tiasa) ulin. Sabenerna abdi sadaya bakal leres-leres ngajaga ka manéhna.”
قَالَ اِنِّيْ لَيَحْزُنُنِيْٓ اَنْ تَذْهَبُوْا بِهٖ وَاَخَافُ اَنْ يَّأْكُلَهُ الذِّئْبُ وَاَنْتُمْ عَنْهُ غٰفِلُوْنَ١٣
Qāla innī layaḥzununī an tażhabū bihī wa akhāfu ay ya'kulahuż-żi'bu wa antum ‘anhu gāfilūn(a).
[13]
Anjeunna (Yaqub) nyarita, “Saenyana inditna maranéh jeung Yusuf téh matak ngajadikan bapa ngarasa sedih jeung melang, inggis manéhna dihakan ku ajag, sabot maranéh balangah ti manéhna.”
قَالُوْا لَىِٕنْ اَكَلَهُ الذِّئْبُ وَنَحْنُ عُصْبَةٌ اِنَّآ اِذًا لَّخٰسِرُوْنَ١٤
Qālū la'in akalahuż-żi'bu wa naḥnu ‘uṣbatun innā iżal lakhāsirūn(a).
[14]
Maranéhna nyarita, “Sabenerna upami manéhna dihakan ajag, padahal abdi sadaya téh golongan (anu kiat), abdi sadaya téh leres-leres rugel.” 467
467) Jadi jalma-jalma nu éléhan, nu hirupna taya gunana.
فَلَمَّا ذَهَبُوْا بِهٖ وَاَجْمَعُوْٓا اَنْ يَّجْعَلُوْهُ فِيْ غَيٰبَتِ الْجُبِّۚ وَاَوْحَيْنَآ اِلَيْهِ لَتُنَبِّئَنَّهُمْ بِاَمْرِهِمْ هٰذَا وَهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ١٥
Falammā żahabū bihī wa ajma‘ū ay yaj‘alūhu fī gayābatil-jubb(i), wa auḥainā ilaihi latunabbi'annahum bi'amrihim hāżā wa hum lā yasy‘urūn(a).
[15]
Ku kituna, waktu maranéhna mawa Yusuf sarta mupakat rék ngunclungkeun manéhna ka jero sumur, jeung (sanggeusna maranéhna ngalaksanakeun éta kamupakatan), Kami maparin wahyu ka anjeunna, “Sabenerna hidep bakal nyaritakeun ka maranéhna laku lampahna, sedengkeun maranéhna mah moal sadar.”
وَجَاۤءُوْٓ اَبَاهُمْ عِشَاۤءً يَّبْكُوْنَۗ١٦
Wa jā'ū abāhum ‘isyā'ay yabkūn(a).
[16]
Tuluy maranéhna datang ka ramana dina waktu soré bari ceurik.
قَالُوْا يٰٓاَبَانَآ اِنَّا ذَهَبْنَا نَسْتَبِقُ وَتَرَكْنَا يُوْسُفَ عِنْدَ مَتَاعِنَا فَاَكَلَهُ الذِّئْبُۚ وَمَآ اَنْتَ بِمُؤْمِنٍ لَّنَا وَلَوْ كُنَّا صٰدِقِيْنَ١٧
Qālū yā abānā innā żahabnā nastabiqu wa taraknā yūsufa ‘inda matā‘inā fa akalahuż-żi'b(u), wa mā anta bimu'minil lanā wa lau kunnā ṣādiqīn(a).
[17]
Maranéhna nyarita, “Bapa, saleresna abdi sadaya téh nuju lomba sareng ngantunkeun Yusuf caket barang-barang abdi sadaya, teras manéhna dihakan ajag. Nanging bapa mah pasti moal percanten ka abdi sadaya, sanaos abdi sadaya téh nyarios leres.”
وَجَاۤءُوْ عَلٰى قَمِيْصِهٖ بِدَمٍ كَذِبٍۗ قَالَ بَلْ سَوَّلَتْ لَكُمْ اَنْفُسُكُمْ اَمْرًاۗ فَصَبْرٌ جَمِيْلٌ ۗوَاللّٰهُ الْمُسْتَعَانُ عَلٰى مَا تَصِفُوْنَ١٨
Wa jā'ū ‘alā qamīṣihī bidamin każib(in), qāla bal sawwalat lakum anfusukum amrā(n), fa ṣabrun jamīl(un), wallāhul musta‘ānu ‘alā mā taṣifūn(a).
[18]
Maranéhna datang mawa baju Yusuf (nu lamokot ku) getih palsu. Ramana nyarios, “Justru diri maranéh sorangan nu nganggap alus kana éta urusan nu goréng téh. Nya ngan kasabaran wungkul nu panghadéna (pikeun bapa mah). 468 Ngan Allah wungkul nu disuhunkeun pitulung ku bapa ngeunaan naon nu dicaritakeun ku maranéh.”
468) Dina perkara ieu mah Yaqub milih kasabaran nu hadé sanggeus anjeunna ngadangu béja nu pikasediheun.
وَجَاۤءَتْ سَيَّارَةٌ فَاَرْسَلُوْا وَارِدَهُمْ فَاَدْلٰى دَلْوَهٗ ۗقَالَ يٰبُشْرٰى هٰذَا غُلٰمٌ ۗوَاَسَرُّوْهُ بِضَاعَةً ۗوَاللّٰهُ عَلِيْمٌ ۢبِمَا يَعْمَلُوْنَ١٩
Wa jā'at sayyāratun fa arsalū wāridahum fa adlā dalwah(ū), qāla yā busyrā hāżā gulām(un), wa asarrūhu biḍā‘ah(tan), wallāhu ‘alīmum bimā ya‘malūn(a).
[19]
Terus datang rombongan musapir. Maranéhna nitah salah saurang ngala cai, tuluy baé manéhna téh nurunkeun timbana, bari pokna téh, “Duh bagja pisan, geuning aya budak lalaki (di jero sumur)!” Tuluy maranéhna nyumputkeun Yusuf jadi barang dagangan. Allah Mahauninga kana sagala nu dipilampah ku maranéhna.
وَشَرَوْهُ بِثَمَنٍۢ بَخْسٍ دَرَاهِمَ مَعْدُوْدَةٍ ۚوَكَانُوْا فِيْهِ مِنَ الزّٰهِدِيْنَ ࣖ٢٠
Wa syarauhu biṡamanim bakhsin darāhima ma‘dūdah(tin), wa kānū fīhi minaz-zāhidīn(a).
[20]
Maranéhna ngajual Yusuf ku pangaji nu murah, (nyaéta) sababaraha dirham, sabab maranéhna teu katarik ka manéhna. 469
469) Haténa teu katarik (teu suka) téh maksudna: Ku sabab maranéhna manggihan Yusuf di jalan, sieun engké-engkéna aya nu nyusul ti kulawargana. Ku sabab kitu, maranéhna buru-buru ngajual anjeunna sanajan kalayan pangaji anu murah.
وَقَالَ الَّذِى اشْتَرٰىهُ مِنْ مِّصْرَ لِامْرَاَتِهٖٓ اَكْرِمِيْ مَثْوٰىهُ عَسٰىٓ اَنْ يَّنْفَعَنَآ اَوْ نَتَّخِذَهٗ وَلَدًا ۗوَكَذٰلِكَ مَكَّنَّا لِيُوْسُفَ فِى الْاَرْضِۖ وَلِنُعَلِّمَهٗ مِنْ تَأْوِيْلِ الْاَحَادِيْثِۗ وَاللّٰهُ غَالِبٌ عَلٰٓى اَمْرِهٖ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ٢١
Wa qālal-lażisytarāhu mim miṣra limra'atihī akrimī maṡwāhu ‘asā ay yanfa‘anā au nattakhiżahū waladā(n), wa każālika makkannā liyūsufa fil-arḍ(i), wa linu‘allimahū min ta'wīlil-aḥādīṡ(i), wallāhu gālibun ‘alā amrihī wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[21]
Urang Mesir nu meulina nyarita ka istrina, 470 “Geura béré tempat (jeung pangladén) nu hadé. Mudah-mudahan baé manéhna aya mangpaatna keur urang saréréa, atawa urang saréréa jadikeun baé anak.” Tah nya kitu (jaga sanggeus manéhna déwasa,) Kami masihan kalungguhan nu hadé ka Yusuf di nagri (Mesir), jeung sangkan Kami ngajarkeun ka anjeunna ta’wil impian. Allah Kawasa kana urusan Mantenna, tapi lolobana jalma téh henteu nyahoeun.
470) Urang Mesir nu meuli Yusuf téh nyaéta hiji raja anu ngaranna Kitpir, sedengkeun istrina ngaranna Juléha.
وَلَمَّا بَلَغَ اَشُدَّهٗٓ اٰتَيْنٰهُ حُكْمًا وَّعِلْمًا ۗوَكَذٰلِكَ نَجْزِى الْمُحْسِنِيْنَ٢٢
Wa lammā balaga asyuddahū ātaināhu ḥukmaw wa ‘ilmā(n), wa każālika najzil-muḥsinīn(a).
[22]
Nalika anjeunna geus déwasa, 471 Kami maparin kawijaksanaan jeung élmu ka anjeunna. Tah kitu pisan Kami maparin ganjaran ka jalma-jalma nu geus migawé kahadéan.
471) Nabi Yusuf tos dugi kana yuswa antara 30-40 taun.
وَرَاوَدَتْهُ الَّتِيْ هُوَ فِيْ بَيْتِهَا عَنْ نَّفْسِهٖ وَغَلَّقَتِ الْاَبْوَابَ وَقَالَتْ هَيْتَ لَكَ ۗقَالَ مَعَاذَ اللّٰهِ اِنَّهٗ رَبِّيْٓ اَحْسَنَ مَثْوَايَۗ اِنَّهٗ لَا يُفْلِحُ الظّٰلِمُوْنَ٢٣
Wa rāwadathul-latī huwa fī baitihā ‘an nafsihī wa gallaqatil-abwāba wa qālat haita lak(a), qāla ma‘āżallāhi innahū rabbī aḥsana maṡwāy(a), innahū lā yuflihuẓ-ẓālimūn(a).
[23]
Awéwé, nu imahna dicicingan ku Yusuf, ngagoda ka dirina (Yusuf) sangkan nurut kana kahayangna, tuluy éta awéwé nutup rapet kabéh panto, sarta pokna, “Yap ka dieu!” Yusuf nyarios, “Abdi nyalindung ka Allah. Sabenerna anjeunna (salaki éta awéwé) téh dunungan abdi. Anjeunna parantos ngadamel kasaéan ka abdi. Saleresna jalma-jalma nu dolim mah moal untung.”
وَلَقَدْ هَمَّتْ بِهٖۙ وَهَمَّ بِهَا ۚ لَوْلَآ اَنْ رَّاٰ بُرْهَانَ رَبِّهٖۗ كَذٰلِكَ لِنَصْرِفَ عَنْهُ السُّوْۤءَ وَالْفَحْشَاۤءَۗ اِنَّهٗ مِنْ عِبَادِنَا الْمُخْلَصِيْنَ٢٤
Wa laqad hammat bihī wa hamma bihā lau lā ar ra'ā burhāna rabbih(ī), każālika linaṣrifa ‘anhus-sū'a wal-faḥsyā'(a), innahū min ‘ibādinal-mukhlaṣīn(a).
[24]
Tétéla éta awéwé téh bener-bener boga maksud (birahi) ka Yusuf. Anjeunna ogé boga maksud (birahi) ka éta awéwé lamun seug teu kaburu ningal tanda ti Pangéranana mah. 472 Tah kitu pisan Kami ngabalieurkeun kagoréngan ti anjeunna. Saleresna anjeunna téh kaasup hamba Kami nu pinilih.
472) Maksud ieu ayat, Yusuf ogé boga kahayang sarua jeung Juléha pikeun milampah pagawéan “goréng”. Godaan Julaéha téh kacida rongkahna, lamun seug Yusuf teu dikuatkeun imanna ka Allah mah, pinasti anjeunna bakal anclub kana éta kama’siatan.
وَاسْتَبَقَا الْبَابَ وَقَدَّتْ قَمِيْصَهٗ مِنْ دُبُرٍ وَّاَلْفَيَا سَيِّدَهَا لَدَا الْبَابِۗ قَالَتْ مَا جَزَاۤءُ مَنْ اَرَادَ بِاَهْلِكَ سُوْۤءًا اِلَّآ اَنْ يُّسْجَنَ اَوْ عَذَابٌ اَلِيْمٌ٢٥
Wastabaqal-bāba wa qaddat qamīṣahū min duburiw wa alfayā sayyidahā ladal-bāb(i), qālat mā jazā'u man arāda bi'ahlika sū'an illā ay yusjana au ‘ażābun alīm(un).
[25]
Duanana paheula-heula muru panto, sarta éta awéwé téh narik baju Yusuf ti tukang nepi ka soéh. Duanana kaperegok ku salaki éta awéwé hareupeun panto. Pok baé éta awéwé téh nyarita kieu, “Naon pibaleseunana pikeun jalma anu rék ngagadabah ka istri anjeun, taya deui anging kudu dipanjara atawa (disiksa ku) siksaan nu peurih.”
قَالَ هِيَ رَاوَدَتْنِيْ عَنْ نَّفْسِيْ وَشَهِدَ شَاهِدٌ مِّنْ اَهْلِهَاۚ اِنْ كَانَ قَمِيْصُهٗ قُدَّ مِنْ قُبُلٍ فَصَدَقَتْ وَهُوَ مِنَ الْكٰذِبِيْنَ٢٦
Qāla hiya rāwadatnī ‘an nafsī wa syahida syāhidum min ahlihā, in kāna qamīṣuhū qudda min qubulin fa ṣadaqat wa huwa minal-kāżibīn(a).
[26]
Anjeunna (Yusuf) nyarios kieu, “Puguh anjeunna nu ngagoda jeung ngarayu ka diri abdi mah.” Hiji saksi ti kulawarga éta awéwé méré kasaksian, “Upama bajuna soéh ti hareupeunana, nya nu leres téh éta istri, sedengkeun manéhna (Yusuf) anu ngabohong.
وَاِنْ كَانَ قَمِيْصُهٗ قُدَّ مِنْ دُبُرٍ فَكَذَبَتْ وَهُوَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٢٧
Wa in kāna qamīṣuhū qudda min duburin fa każabat wa huwa minaṣ-ṣādiqīn(a).
[27]
Nanging upama bajuna soéh ti tukang, nya éta istri nu ngabohong téh, sedengkeun manéhna (Yusuf) anu leres mah.”
فَلَمَّا رَاٰ قَمِيْصَهٗ قُدَّ مِنْ دُبُرٍ قَالَ اِنَّهٗ مِنْ كَيْدِكُنَّ ۗاِنَّ كَيْدَكُنَّ عَظِيْمٌ٢٨
Falammā ra'ā qamīṣahū qudda min duburin qāla innahū min kaidikunn(a), inna kaidakunna ‘aẓīm(un).
[28]
Nalika manéhna (salaki éta awéwé) ningal baju gamis Yusuf soéhna ti tukang, pok manéhna nyarita (ka istrina), “Saenyana ieu (kajadian) téh salah sahiji tipu daya manéh. Sabenerna tipu daya manéh téh bener-bener hébat.
يُوْسُفُ اَعْرِضْ عَنْ هٰذَا وَاسْتَغْفِرِيْ لِذَنْۢبِكِۖ اِنَّكِ كُنْتِ مِنَ الْخٰطِـِٕيْنَ ࣖ٢٩
Yūsufu a‘riḍ ‘an hāżā wastagfirī liżambik(i), innaki kunti minal-khāṭi'īn(a).
[29]
Hé Yusuf, geura pohokeun ieu kajadian, 473 jeung (hé istri kuring) geura ménta pangampura pikeun dosa manéh, sabab sabenerna manéh téh kaasup jalma nu salah.”
473) Maksudna: Anjeun kudu ngarasiahkeun ieu urusan!
۞ وَقَالَ نِسْوَةٌ فِى الْمَدِيْنَةِ امْرَاَتُ الْعَزِيْزِ تُرَاوِدُ فَتٰىهَا عَنْ نَّفْسِهٖۚ قَدْ شَغَفَهَا حُبًّاۗ اِنَّا لَنَرٰىهَا فِيْ ضَلٰلٍ مُّبِيْنٍ٣٠
Wa qāla niswatun fil-madīnatimra'atul-‘azīzi turāwidu fatāhā ‘an nafsih(ī), qad syagafahā ḥubbā(n), innā lanarāhā fī ḍalālim mubīn(in).
[30]
Para wanoja di éta kota nyarita kieu, “Istrina al-`Azīz 474 geus ngagoda jeung ngarayu bujangna pikeun ditundukkeun. Éta (bujangna) téh bener-bener ngajadikeun manéhna (istrina al-`Azīz) bogoh pisan. Ceuk urang mah manéhna téh bener-bener dina kasasaran anu nyata.”
474) Al-`Azīz téh sebutan atawa gelar pikeun raja di Mesir.
فَلَمَّا سَمِعَتْ بِمَكْرِهِنَّ اَرْسَلَتْ اِلَيْهِنَّ وَاَعْتَدَتْ لَهُنَّ مُتَّكَاً وَّاٰتَتْ كُلَّ وَاحِدَةٍ مِّنْهُنَّ سِكِّيْنًا وَّقَالَتِ اخْرُجْ عَلَيْهِنَّ ۚ فَلَمَّا رَاَيْنَهٗٓ اَكْبَرْنَهٗ وَقَطَّعْنَ اَيْدِيَهُنَّۖ وَقُلْنَ حَاشَ لِلّٰهِ مَا هٰذَا بَشَرًاۗ اِنْ هٰذَآ اِلَّا مَلَكٌ كَرِيْمٌ٣١
Falammā sami‘at bimakrihinna arsalat ilaihinna wa a‘tadat lahunna muttaka'aw wa ātat kulla wāḥidim minhunna sikkīnaw wa qālatikhruj ‘alaihinn(a), falammā ra'ainahū akbarnahū wa qaṭṭa‘na aidiyahunn(a), wa qulna ḥāsya lillāhi mā hāżā illā basyarā(n), in hāżā illā malakun karīm(un).
[31]
Nalika ngadéngé poyokan maranéhna, manéhna (istrina al-`Azīz) ngondang para wanoja téa sarta nyadiakeun tempat diuk keur maranéhna. Maranéhna dibagi péso hiji séwang (pikeun neukteuk dahareun). Tuluy manéhna ngomong (ka Yusuf), “Geura kaluar (némbongan) ka maranéhna!” Barang ningal Yusuf, maranéhna pohara kasimana (ku kakasépanana) nepi ka maranéhna ngeureut ramona sorangan (tanpa sadar), bari pokna, “Maha sampurna Allah! Sugan ieu mah lain manusa. Jigana ieu mah bener-bener malaikat anu mulya!”
قَالَتْ فَذٰلِكُنَّ الَّذِيْ لُمْتُنَّنِيْ فِيْهِ ۗوَلَقَدْ رَاوَدْتُّهٗ عَنْ نَّفْسِهٖ فَاسْتَعْصَمَ ۗوَلَىِٕنْ لَّمْ يَفْعَلْ مَآ اٰمُرُهٗ لَيُسْجَنَنَّ وَلَيَكُوْنًا مِّنَ الصّٰغِرِيْنَ٣٢
Qālat fa żālikunnal-lażī lumtunnanī fīh(i), wa laqad rāwattuhū ‘an nafsihī fasta‘ṣam(a), wa la'il lam yaf‘al mā āmuruhū layusjananna wa layakūnam minaṣ-ṣāgirīn(a).
[32]
Istrina al-`Azīz nyarita, “Tah éta jalmana anu ngalantarankeun aranjeun moyok ka kuring sabab (kuring katarik) ka manéhna. Tétéla kuring téh bener-bener geus ngagoda manéhna sangkan tunduk ka (ka kuring), tapi manéhna nolak. Sabenerna upama manéhna (keukeuh) henteu daékeun nurut kana sagala anu diparéntahkeun ku kuring ka manéhna, tangtu manéhna bener-bener (diancam) bakal dipanjara jeung bakal kaasup jalma-jalma nu hina.”
قَالَ رَبِّ السِّجْنُ اَحَبُّ اِلَيَّ مِمَّا يَدْعُوْنَنِيْٓ اِلَيْهِ ۚوَاِلَّا تَصْرِفْ عَنِّيْ كَيْدَهُنَّ اَصْبُ اِلَيْهِنَّ وَاَكُنْ مِّنَ الْجٰهِلِيْنَ٣٣
Qāla rabbis-sijnu aḥabbu ilayya mimmā yad‘ūnanī ilaih(i), wa illā taṣrif ‘annī kaidahunna aṣbu ilaihinna wa akum minal-jāhilīn(a).
[33]
Yusuf nyarios, “Nun Gusti Pangéran abdi, panjara téh langkung dipilih ku abdi tibatan nyumponan kana pangajak maranéhna ka abdi. Upami seug Gusti henteu nebihkeun tipu daya maranéhna ti diri abdi, tinangtos abdi bakal condong kana (nyumponan kahoyong) maranéhna, sareng abdi tinangtos kalebet ka nu bodo.”
فَاسْتَجَابَ لَهٗ رَبُّهٗ فَصَرَفَ عَنْهُ كَيْدَهُنَّ ۗاِنَّهٗ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ٣٤
Fastajāba lahū rabbuhū fa ṣarafa ‘anhu kaidahunn(a), innahū huwas-samī‘ul-‘alīm(u).
[34]
Ti dinya, Pangéran Yusuf ngabulkeun doana (Yusuf) sarta nebihkeun tina tipu daya maranéhna. Saleresna Mantenna téh Maha Ngadangu (tur) Mahauninga.
ثُمَّ بَدَا لَهُمْ مِّنْۢ بَعْدِ مَا رَاَوُا الْاٰيٰتِ لَيَسْجُنُنَّهٗ حَتّٰى حِيْنٍ ࣖ٣٥
Ṡumma badā lahum mim ba‘di mā ra'awul-āyāti layasjununnahū ḥattā ḥīn(in).
[35]
Tuluy teg aya pikiran dina diri maranéhna sanggeus nénjo tanda-tanda (benerna Yusuf), yén maranéhna kudu menjarakeun Yusuf nepi ka waktu nu ditangtukeun. 475
475) Sanggeus ningali yén Yusuf téh bener, maranéhna tuluy menjarakeun anjeunna supaya aya anggapan yén nu salah téh anjeunna jeung supaya ulah aya deui omongan-omongan ngeunaan éta kajadian.
وَدَخَلَ مَعَهُ السِّجْنَ فَتَيٰنِ ۗقَالَ اَحَدُهُمَآ اِنِّيْٓ اَرٰىنِيْٓ اَعْصِرُ خَمْرًا ۚوَقَالَ الْاٰخَرُ اِنِّيْٓ اَرٰىنِيْٓ اَحْمِلُ فَوْقَ رَأْسِيْ خُبْزًا تَأْكُلُ الطَّيْرُ مِنْهُ ۗنَبِّئْنَا بِتَأْوِيْلِهٖ ۚاِنَّا نَرٰىكَ مِنَ الْمُحْسِنِيْنَ٣٦
Wa dakhala ma‘ahus-sijna fatayān(i), qāla aḥaduhumā innī arānī a‘ṣiru khamrā(n), wa qālal-ākharu innī arānī aḥmilu fauqa ra'sī khubzan ta'kuluṭ-ṭairu minh(u), nabbi'nā bita'wīlih(ī), innā narāka minal-muḥsinīn(a).
[36]
Babarengan jeung Yusuf, asup ogé dua pamuda ka panjara. 476 Salah saurangna téh pok nyarita kieu, “Sabenerna kuring ngimpi meres anggur.” Pok nu saurang deui nyarita kieu, “Sabenerna kuring ngimpi nyunyuhun roti nu sabagianana dipacokan ku manuk.” Cing pangnerangkeun ka kuring duaan tabirna (éta impian)! Sabenerna kuring duaan téh nganggap anjeun kaasup jalma-jalma nu pinter (na’birkeun impian).”
476) Numutkeun riwayat, dua pamuda téh nyaéta bujang-bujangna raja. Nu saurang tukang ngurus inuman raja. Saurang deui mah tukang nyieun roti.
قَالَ لَا يَأْتِيْكُمَا طَعَامٌ تُرْزَقٰنِهٖٓ اِلَّا نَبَّأْتُكُمَا بِتَأْوِيْلِهٖ قَبْلَ اَنْ يَّأْتِيَكُمَا ۗذٰلِكُمَا مِمَّا عَلَّمَنِيْ رَبِّيْۗ اِنِّيْ تَرَكْتُ مِلَّةَ قَوْمٍ لَّا يُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ كٰفِرُوْنَۙ٣٧
Qāla lā ya'tīkumā ṭa‘āmun turzaqānihī illā nabba'tukumā bita'wīlihī qabla ay ya'tiyakumā, żālikumā mimmā ‘allamanī rabbī, innī taraktu millata qaumil lā yu'minūna billāhi wa hum bil-ākhirati hum kāfirūn(a).
[37]
Yusuf nyarios, “Kadaharan naon baé anu bakal ditepikeun ka aranjeun duaan, mangka kuring bisa nerangkeun tabirna (éta impian) saméméh éta kadaharan nepi ka aranjeun. Éta téh sabagian nu diajarkeun ku Pangéran kuring ka kuring. Sabenerna kuring geus ninggalkeun agama kaom nu teu iman ka Allah jeung nu ingkar kana poé ahérat.
وَاتَّبَعْتُ مِلَّةَ اٰبَاۤءِيْٓ اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْحٰقَ وَيَعْقُوْبَۗ مَا كَانَ لَنَآ اَنْ نُّشْرِكَ بِاللّٰهِ مِنْ شَيْءٍۗ ذٰلِكَ مِنْ فَضْلِ اللّٰهِ عَلَيْنَا وَعَلَى النَّاسِ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَشْكُرُوْنَ٣٨
Wattaba‘tu millata ābā'ī ibrāhīma wa isḥāqa wa ya‘qūb(a), mā kāna lanā an nusyrika billāhi min syai'(in), żālika min faḍlillāhi ‘alainā wa ‘alan-nāsi wa lākinna akṡaran-nāsi lā yasykurūn(a).
[38]
Kuring tumut kana agama karuhun kuring, (nyaéta) Ibrahim, Ishaq, jeung Yaqub. Henteu pantes pikeun kuring saréréa (para nabi) nyarékatkeun Allah jeung naon baé ogé. Éta téh kurnia Allah pikeun urang saréréa, jeung ka manusa (sakabéhna), tapi lolobana jalma téh henteu sukuran.
يٰصَاحِبَيِ السِّجْنِ ءَاَرْبَابٌ مُّتَفَرِّقُوْنَ خَيْرٌ اَمِ اللّٰهُ الْوَاحِدُ الْقَهَّارُۗ٣٩
Yā ṣāḥibayis-sijni a'arbābum mutafarriqūna khairun amillāhul-wāḥidul-qahhār(u).
[39]
Hé dua urang nu nyicingan panjara, mana nu leuwih alus, naha pangéran-pangéran nu rupa-rupa atawa Allah Nu Mahatunggal (tur) Nu Mahaperkasa?
مَا تَعْبُدُوْنَ مِنْ دُوْنِهٖٓ اِلَّآ اَسْمَاۤءً سَمَّيْتُمُوْهَآ اَنْتُمْ وَاٰبَاۤؤُكُمْ مَّآ اَنْزَلَ اللّٰهُ بِهَا مِنْ سُلْطٰنٍۗ اِنِ الْحُكْمُ اِلَّا لِلّٰهِ ۗاَمَرَ اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّآ اِيَّاهُ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ٤٠
Mā ta‘budūna min dūnihī illā asmā'an sammaitumūhā antum wa ābā'ukum mā anzalallāhu bihā min sulṭān(in), inil-ḥukmu illā lillāh(i), amara allā ta‘budū illā iyyāh(u), żālikad-dīnul-qayyimu wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[40]
Naon nu disembah ku maranéh salian ti Mantenna téh ngan saukur ngaran-ngaran (berhala) nu dijieun-jieun ku maranéh jeung ku karuhun-karuhun maranéh. Allah henteu nurunkeun hiji katerangan nanaon ngeunaan éta (ngaran). Katetapan (nu pasti bener) mah mung kagungan Allah. Mantenna tos maréntahkeun sangkan maranéh ulah nyembah ka salian ti Mantenna. Éta téh agama nu lempeng, tapi lolobana jalma téh teu nyahoeun.
يٰصَاحِبَيِ السِّجْنِ اَمَّآ اَحَدُكُمَا فَيَسْقِيْ رَبَّهٗ خَمْرًا ۗوَاَمَّا الْاٰخَرُ فَيُصْلَبُ فَتَأْكُلُ الطَّيْرُ مِنْ رَّأْسِهٖ ۗ قُضِيَ الْاَمْرُ الَّذِيْ فِيْهِ تَسْتَفْتِيٰنِۗ٤١
Yā ṣāḥibayis-sijni ammā aḥadukumā fa yasqī rabbahū khamrā(n), wa ammal-ākharu fa yuṣlabu fa ta'kuluṭ-ṭairu mir ra'sih(ī), quḍiyal-amrul-lażī fīhi tastaftiyān(i).
[41]
Hé dua urang nu nyicingan panjara, salah saurang ti antara aranjeun duaan téh bakal boga tugas nyadiakeun inuman arak pikeun dununganana. Ari saurang deui mah bakal disalib, tuluy sabagian sirahna dipacokan ku manuk. Geus kajawab perkara anu ditanyakeun ku aranjeun duaan ka kuring téh.”
وَقَالَ لِلَّذِيْ ظَنَّ اَنَّهٗ نَاجٍ مِّنْهُمَا اذْكُرْنِيْ عِنْدَ رَبِّكَۖ فَاَنْسٰىهُ الشَّيْطٰنُ ذِكْرَ رَبِّهٖ فَلَبِثَ فِى السِّجْنِ بِضْعَ سِنِيْنَ ࣖ٤٢
Wa qāla lil-lażī ẓanna annahū nājim minhumażkurnī ‘inda rabbik(a), fa ansāhusy-syaiṭānu żikra rabbihī fa labiṡa fis-sijni biḍ‘a sinīn(a).
[42]
Yusuf nyarios ka jalma anu dikanyahokeun bakal salamet ti antara duaan téa, “Pangbéjakeun kaayaan kuring ka dunungan anjeun.” Tapi sétan mopohokeun ka manéhna pikeun ngabéjakeun (kaayaan Yusuf) ka dununganana. Ku lantaran kitu, Yusuf tetep baé di panjara sababaraha taun lilana.
وَقَالَ الْمَلِكُ اِنِّيْٓ اَرٰى سَبْعَ بَقَرٰتٍ سِمَانٍ يَّأْكُلُهُنَّ سَبْعٌ عِجَافٌ وَّسَبْعَ سُنْۢبُلٰتٍ خُضْرٍ وَّاُخَرَ يٰبِسٰتٍۗ يٰٓاَيُّهَا الْمَلَاُ اَفْتُوْنِيْ فِيْ رُءْيَايَ اِنْ كُنْتُمْ لِلرُّءْيَا تَعْبُرُوْنَ٤٣
Wa qālal-maliku innī arā sab‘a baqarātin simāniy ya'kuluhunna sab‘un ‘ijāfuw wa sab‘a sumbulātin khuḍriw wa ukhara yābisāt(in), yā ayyuhal-mala'u aftūnī fī ru'yāya in kuntum lir-ru'yā ta‘burūn(a).
[43]
Raja nyarita (ka gegedén-gegedén ti kaomna), “Sabenerna kuring ngimpi nénjo tujuh sapi bikang nu lintuh dihakan ku tujuh sapi bikang nu begang, jeung (kuring nénjo) tujuh ranggeuy (gandum) nu héjo (ngalimpudan tujuh ranggeuy) séjenna nu garing. Hé para gegedén, terangkeun ka kuring éta impian kuring lamun aranjeun bisa nerangkeun ta’bir impian mah!”
قَالُوْٓا اَضْغَاثُ اَحْلَامٍ ۚوَمَا نَحْنُ بِتَأْوِيْلِ الْاَحْلَامِ بِعٰلِمِيْنَ٤٤
Qālū aḍgāṡu aḥlām(in), wa mā naḥnu bita'wīlil-aḥlāmi bi‘ālimīn(a).
[44]
Maranéhna ngajawab, “(Éta mah) rupina ukur impénan kosong, sareng abdi sadaya teu pisan-pisan tiasa nerangkeun ta’bir éta impénan.”
وَقَالَ الَّذِيْ نَجَا مِنْهُمَا وَادَّكَرَ بَعْدَ اُمَّةٍ اَنَا۠ اُنَبِّئُكُمْ بِتَأْوِيْلِهٖ فَاَرْسِلُوْنِ٤٥
Wa qālal-lażī najā minhumā waddakara ba‘da ummatin ana unabbi'ukum bita'wīlihī fa arsilūn(i).
[45]
Jalma nu salamet ti antara nu duaan téa nyarita jeung ingeteun (ngeunaan Yusuf) sanggeus sababaraha waktu lilana, “Abdi badé nguningakeun ka anjeun sadaya ngeunaan (jalmi nu tiasa nerangkeun) ta’bir éta impénan. Ku kituna, geura utus abdi (nepangan manéhna).”
يُوْسُفُ اَيُّهَا الصِّدِّيْقُ اَفْتِنَا فِيْ سَبْعِ بَقَرٰتٍ سِمَانٍ يَّأْكُلُهُنَّ سَبْعٌ عِجَافٌ وَّسَبْعِ سُنْۢبُلٰتٍ خُضْرٍ وَّاُخَرَ يٰبِسٰتٍۙ لَّعَلِّيْٓ اَرْجِعُ اِلَى النَّاسِ لَعَلَّهُمْ يَعْلَمُوْنَ٤٦
Yūsufu ayyuhaṣ-ṣiddīqu aftinā fī sab‘i baqarātin simāniy ya'kuluhunna sab‘un ‘ijāfuw wa sab‘i sumbulātin khuḍriw wa ukhara yābisāt(in), la‘allī arji‘u ilan-nāsi la‘allahum ya‘lamūn(a).
[46]
(Sanggeusna éta pelayan panggih jeung Yusuf, manéhna nyalukan,) “Hé Yusuf, hé jalma nu kacida dipercayana, pangnerangkeun ka kuring saréréa (ta’bir impian) ngeunaan tujuh sapi nu lintuh dihakan ku tujuh sapi bikang nu begang, jeung tujuh ranggeuy (gandum) nu héjo (ngalimpudan tujuh ranggeuy) séjenna nu garing, sangkan sanggeus kuring balik ka maranéhna, maranéhna téh jadi nyahoeun (kana éta ta’bir).”
قَالَ تَزْرَعُوْنَ سَبْعَ سِنِيْنَ دَاَبًاۚ فَمَا حَصَدْتُّمْ فَذَرُوْهُ فِيْ سُنْۢبُلِهٖٓ اِلَّا قَلِيْلًا مِّمَّا تَأْكُلُوْنَ٤٧
Qāla tazra‘ūna sab‘a sinīna da'abā(n), famā ḥaṣattum fa żarūhu fī sumbulihī illā qalīlam mimmā ta'kulūn(a).
[47]
Yusuf nyarios, “Geura pepelakan tujuh taun terus-terusan! Tuluy naon nu geus dipanén ku aranjeun, antep baé (éta gandum téh) dina ranggeuyanana, kajaba saeutik baé pikeun didahar ku aranjeun.”
ثُمَّ يَأْتِيْ مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ سَبْعٌ شِدَادٌ يَّأْكُلْنَ مَا قَدَّمْتُمْ لَهُنَّ اِلَّا قَلِيْلًا مِّمَّا تُحْصِنُوْنَ٤٨
Ṡumma ya'tī mim ba‘di żālika sab‘un syidāduy ya'kulna mā qaddamtum lahunna illā qalīlam mimmā tuḥṣinūn(a).
[48]
Sanggeusna éta, bakal datang tujuh (taun) nu pohara héséna (paceklik) nu bakal méakkeun sagala rupa nu disadiakeun ku aranjeun pikeun nyanghareupan éta (usum paceklik), kajaba saeutik baé (bibit gandum) nu diteudeun ku aranjeun.
ثُمَّ يَأْتِيْ مِنْۢ بَعْدِ ذٰلِكَ عَامٌ فِيْهِ يُغَاثُ النَّاسُ وَفِيْهِ يَعْصِرُوْنَ ࣖ٤٩
Ṡumma ya'tī mim ba‘di żālika ‘āmun fīhi yugāṡun-nāsu wa fīhi ya‘ṣirūn(a).
[49]
Sanggeusna kitu bakal datang taun (waktu) manusa digeyer ku hujan (nu cukup). Nya harita manusa bakal barisa deui meres (buah-buahan).”
وَقَالَ الْمَلِكُ ائْتُوْنِيْ بِهٖ ۚفَلَمَّا جَاۤءَهُ الرَّسُوْلُ قَالَ ارْجِعْ اِلٰى رَبِّكَ فَسْـَٔلْهُ مَا بَالُ النِّسْوَةِ الّٰتِيْ قَطَّعْنَ اَيْدِيَهُنَّ ۗاِنَّ رَبِّيْ بِكَيْدِهِنَّ عَلِيْمٌ٥٠
Wa qālal-maliku'tūnī bih(ī), falammā jā'ahur-rasūlu qālarji‘ ilā rabbika fas'alhu mā bālun-niswatil-lātī qaṭṭa‘na aidiyahunn(a), inna rabbī bikaidihinna ‘alīm(un).
[50]
Raja nyarita, “Geura bawa ka kami éta jalma téh!” Nalika éta utusan datang, pok anjeunna (Yusuf) nyarios, “Geura balik ka dunungan anjeun jeung geura tanyakeun ka anjeunna kumaha kaayaan para wanoja anu baréto geus ngaraheutan ramona sorangan téh. Saleresna Pangéran kuring Mahauninga kana sagala tipu daya maranéhna.”
قَالَ مَا خَطْبُكُنَّ اِذْ رَاوَدْتُّنَّ يُوْسُفَ عَنْ نَّفْسِهٖۗ قُلْنَ حَاشَ لِلّٰهِ مَا عَلِمْنَا عَلَيْهِ مِنْ سُوْۤءٍ ۗقَالَتِ امْرَاَتُ الْعَزِيْزِ الْـٰٔنَ حَصْحَصَ الْحَقُّۖ اَنَا۠ رَاوَدْتُّهٗ عَنْ نَّفْسِهٖ وَاِنَّهٗ لَمِنَ الصّٰدِقِيْنَ٥١
Qāla mā khaṭbukunna iż rāwattunna yūsufa ‘an nafsih(ī), qulna ḥāsya lillāhi mā ‘alimnā ‘alaihi min sū'(in), qālatimra'atul-‘azīzil-āna ḥaṣḥaṣal-ḥaqq(u), ana rāwattuhū ‘an nafsihī wa innahū laminaṣ-ṣādiqīn(a).
[51]
Raja nyarita (ka para wanoja), “Kumaha kaayaan aranjeun 477 waktu ngagoda Yusuf pikeun ditundukkeun téh? Jawabna, “Maha Sampurna Allah. Abdi sadaya henteu terang ayana kaawonan di anjeunna.” Istri al-`Azīz nyarita, “Ayeuna mah parantos tétéla benerna. Nya abdi pisan anu ngagoda jeung ngarayuna sareng saleresna manéhna mah ka asup jalmi nu leres.”
477) Nu dimaksud “kaayaan aranjeun” dina ayat ieu nyaéta yén raja ménta pandangan ngeunaan Yusuf, naha anjeunna téh kapangaruhan waktu digoda atawa henteu.
ذٰلِكَ لِيَعْلَمَ اَنِّيْ لَمْ اَخُنْهُ بِالْغَيْبِ وَاَنَّ اللّٰهَ لَا يَهْدِيْ كَيْدَ الْخَاۤىِٕنِيْنَ ۔٥٢
Żālika liya‘lama annī lam akhunhu bil-gaibi wa annallāha lā yahdī kaidal-khā'inīn(a).
[52]
(Saur Yusuf), “Éta téh sangkan anjeunna (al-`Azīz) uningaeun yén sabenerna kuring henteu hiyanat ka anjeunna waktu anjeunna teu aya (di bumi) sareng saleresna Allah henteu mikarido kana tipu daya jalma-jalma nu hianat.
۞ وَمَآ اُبَرِّئُ نَفْسِيْۚ اِنَّ النَّفْسَ لَاَمَّارَةٌ ۢ بِالسُّوْۤءِ اِلَّا مَا رَحِمَ رَبِّيْۗ اِنَّ رَبِّيْ غَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٥٣
Wa mā ubarri'u nafsī, innan-nafsa la'ammāratum bis-sū'i illā mā raḥima rabbī, inna rabbī gafūrur raḥīm(un).
[53]
Kuring teu (nyebutkeun yén) diri kuring téh bébas (tina kasalahan) sabab saenyana éta napsu téh terus-terusan ngadorong kana kagoréngan, kajaba (napsu) nu dirahmatan ku Pangéran kuring. Saleresna Pangéran kuring mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahawelas.”
وَقَالَ الْمَلِكُ ائْتُوْنِيْ بِهٖٓ اَسْتَخْلِصْهُ لِنَفْسِيْۚ فَلَمَّا كَلَّمَهٗ قَالَ اِنَّكَ الْيَوْمَ لَدَيْنَا مَكِيْنٌ اَمِيْنٌ٥٤
Wa qālal-maliku'tūnī bihī astakhliṣhu linafsī, falammā kallamahū qāla innakal-yauma ladainā makīnun amīn(un).
[54]
Raja nyarita, “Geura bawa manéhna (Yusuf) ka kuring, supaya kuring milih manéhna (jadi anu deukeut) ka kuring!” Nalika manéhna (raja) ngobrol jeung anjeunna (Yusuf), manéhna (raja) nyarita kieu, “Saenyana anjeun (mimiti) ieu poé jadi jalma anu ngabogaan kalungguhan luhur di lingkungan kuring saréréa tur kacida dipercayana.”
قَالَ اجْعَلْنِيْ عَلٰى خَزَاۤىِٕنِ الْاَرْضِۚ اِنِّيْ حَفِيْظٌ عَلِيْمٌ٥٥
Qālaj‘alnī ‘alā khazā'inil-arḍ(i), innī ḥafīẓun ‘alīm(un).
[55]
Yusuf nyarios, “(Atuh upami kitu mah) jantenkeun baé sim kuring téh juru simpen kakayaan nagri (Mesir). Sabenerna sim kuring téh jalmi anu pinter ngajaga (harta) tur uninga (kana élmuna).”
وَكَذٰلِكَ مَكَّنَّا لِيُوْسُفَ فِى الْاَرْضِ يَتَبَوَّاُ مِنْهَا حَيْثُ يَشَاۤءُۗ نُصِيْبُ بِرَحْمَتِنَا مَنْ نَّشَاۤءُ وَلَا نُضِيْعُ اَجْرَ الْمُحْسِنِيْنَ٥٦
Wa każālika makkannā liyūsufa fil-arḍi yatabawwa'u minhā ḥaiṡu yasyā'(u), nuṣību biraḥmatinā man nasyā'u wa lā nuḍī‘u ajral-muḥsinīn(a).
[56]
Tah siga kitu Kami méré kalungguhan ka Yusuf di ieu nagri (Mesir). Manéhna (kawasa) nganjrek di mana baé sakahayangna. Kami namplokkeun rahmat Kami ka saha baé nu dikersakeun ku Kami, jeung Kami moal nyia-nyiakeun ganjaran jalma-jalma anu milampah kahadéan.
وَلَاَجْرُ الْاٰخِرَةِ خَيْرٌ لِّلَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَكَانُوْا يَتَّقُوْنَ ࣖ٥٧
Wa la'ajrul-ākhirati khairul lil-lażīna āmanū wa kānū yattaqūn(a).
[57]
Tétéla ganjaran di ahérat téh (pasti) leuwih hadé pikeun jalma-jalma anu iman bari terus-terusan takwa.
وَجَاۤءَ اِخْوَةُ يُوْسُفَ فَدَخَلُوْا عَلَيْهِ فَعَرَفَهُمْ وَهُمْ لَهٗ مُنْكِرُوْنَ٥٨
Wa jā'a ikhwatu yūsufa fa dakhalū ‘alaihi fa ‘arafahum wa hum lahū munkirūn(a).
[58]
Sadérék-sadérék Yusuf datang (ka Mesir), tuluy maranéhna asup ka (tempat) Yusuf. Anjeunna mah nyahoeun kénéh ka maranéhna, sedengkeun maranéhna mah bener-bener geus pohoeun ka anjeunna. 478
478) Numutkeun sejarah jeung katerangan tina surat Yūsuf/12:48, nagri Mesir waktu harita, tur nagri-nagri di sabudeureunana, katarajang usum nguyang salila tujuh tahun. Tah ku lantaran nagri Mesir mah geus siap-siap ti tujuh tahun saméméhna ku alpukahna Nabi Yusuf, atuh waktu tumiba usum nguyang téh nagri Mesir mah henteu ieuh kalaparan, nepi ka nagri Mesir téh ka kajojo nagri-nagri sabudeureunana. Atuh loba pisan jalma-jalma ti luar Mesir anu datang, nu maksudna rék nukeurkeun pakayana kana dahareun, ti antarana nyaéta dulur-dulurna Nabi Yusuf a.s.
وَلَمَّا جَهَّزَهُمْ بِجَهَازِهِمْ قَالَ ائْتُوْنِيْ بِاَخٍ لَّكُمْ مِّنْ اَبِيْكُمْ ۚ اَلَا تَرَوْنَ اَنِّيْٓ اُوْفِى الْكَيْلَ وَاَنَا۠ خَيْرُ الْمُنْزِلِيْنَ٥٩
Wa lammā jahhazahum bijahāzihim qāla'tūnī bi'akhil lakum min abīkum, alā tarauna annī ūfil-kaila wa ana khairul-munzilīn(a).
[59]
Nalika keur nyadiakeun bahan-bahan dahareun pikeun maranéhna, Yusuf nyarios, “Omat engké mah bawa ka kuring dulur aranjeun nu sabapa (Bunyamin)! Naha henteu katingali ku aranjeun yén kuring téh nyampurnakeun takeran, jeung kuring téh jalma anu pangsoméahna ka tamu?
فَاِنْ لَّمْ تَأْتُوْنِيْ بِهٖ فَلَا كَيْلَ لَكُمْ عِنْدِيْ وَلَا تَقْرَبُوْنِ٦٠
Fa illam ta'tūnī bihī falā kaila lakum ‘indī wa lā taqrabūn(i).
[60]
Lamun arajeun teu mawa éta dulur aranjeun ka kuring, tangtu aranjeun moal meunang jatah (gandum) deui ti kuring, sarta aranjeun ulah rék deukeut-deukeut deui ka kuring!”
قَالُوْا سَنُرَاوِدُ عَنْهُ اَبَاهُ وَاِنَّا لَفٰعِلُوْنَ٦١
Qālū sanurāwidu ‘anhu abāhu wa innā lafā‘ilūn(a).
[61]
Maranéhna ngajawab, “Abdi sadaya bakal ngolo ramana (pikeun nyandak Bunyamin), sareng abdi sadaya leres-leres bakal ngalaksanakeunana.”
وَقَالَ لِفِتْيٰنِهِ اجْعَلُوْا بِضَاعَتَهُمْ فِيْ رِحَالِهِمْ لَعَلَّهُمْ يَعْرِفُوْنَهَآ اِذَا انْقَلَبُوْٓا اِلٰٓى اَهْلِهِمْ لَعَلَّهُمْ يَرْجِعُوْنَ٦٢
Wa qāla lifityānihij‘alū biḍā‘atahum fī riḥālihim la‘allahum ya‘rifūnahā iżanqalabū ilā ahlihim la‘allahum yarji‘ūn(a).
[62]
Yusuf nyarios ka badéga-badégana, “Asupkeun deui barang-barang (panukeuran ti) maranéhna 479 kana karung-karungna, supaya maranéhna nyahoeun kana éta (barang) waktu geus mulang ka kulawargana (jeung) supaya maranéhna balik deui.” 480
479) Numutkeun kalolobaan ahli tapsir, pakaya anu jadi panukeuran ti dulur-dulurna Nabi Yusuf a.s. téh nyaéta mangrupa kulit ingon-ingon jeung tarompah.
480) Peta saperti kitu téh dipilampah ku Nabi Yusuf minangka pangolo-ngolo sangkan dulur-dulurna deudeuieun hayang datang deui ka Mesir bari mawa Bunyamin.
فَلَمَّا رَجَعُوْٓا اِلٰٓى اَبِيْهِمْ قَالُوْا يٰٓاَبَانَا مُنِعَ مِنَّا الْكَيْلُ فَاَرْسِلْ مَعَنَآ اَخَانَا نَكْتَلْ وَاِنَّا لَهٗ لَحٰفِظُوْنَ٦٣
Falammā raja‘ū ilā abīhim qālū yā abānā muni‘a minnal-kailu fa arsil ma‘anā akhānā naktal wa innā lahū laḥāfiẓūn(a).
[63]
Nalika geus mulang deui ka ramana (Yaqub), maranéhna nyarita, “Bapa, abdi sadaya téh moal bakal kénging jatah (gandum) deui (upami henteu nyandak Bunyamin). Ku kituna, pamugi bapa ngawidian nyandak éta dulur abdi sadaya supados kénging jatah (gandum) deui. Saleresna abdi sadaya téh bakal ngajagi (manéhna).”
قَالَ هَلْ اٰمَنُكُمْ عَلَيْهِ اِلَّا كَمَآ اَمِنْتُكُمْ عَلٰٓى اَخِيْهِ مِنْ قَبْلُۗ فَاللّٰهُ خَيْرٌ حٰفِظًا وَّهُوَ اَرْحَمُ الرّٰحِمِيْنَ٦٤
Qāla hal āmanukum ‘alaihi illā kamā amintukum ‘alā akhīhi min qabl(u), fallāhu khairun ḥāfiẓaw wa huwa arḥamur-rāḥimīn(a).
[64]
Yaqub ngawaler, “Rék kumaha kuring mercayakeun manéhna (Bunyamin) ka maranéh, kajaba sakumaha kuring baheula geus mercayakeun lanceukna (Yusuf) ka maranéh? Allah téh pangsaé-saéna nu ngajagi, sareng Mantenna téh Mahaasih ti antawis nu arasih.”
وَلَمَّا فَتَحُوْا مَتَاعَهُمْ وَجَدُوْا بِضَاعَتَهُمْ رُدَّتْ اِلَيْهِمْۗ قَالُوْا يٰٓاَبَانَا مَا نَبْغِيْۗ هٰذِهٖ بِضَاعَتُنَا رُدَّتْ اِلَيْنَا وَنَمِيْرُ اَهْلَنَا وَنَحْفَظُ اَخَانَا وَنَزْدَادُ كَيْلَ بَعِيْرٍۗ ذٰلِكَ كَيْلٌ يَّسِيْرٌ٦٥
Wa lammā fataḥū matā‘ahum wajadū biḍā‘atahum ruddat ilaihim, qālū yā abānā mā nabgī, hāżihī biḍā‘atunā ruddat ilainā wa namīru ahlanā wa naḥfaẓu akhānā wa nazdādu kaila ba‘īr(in), żālika kailuy yasīr(un).
[65]
Nalika muka babawaanana, maranéhna manggihan barang-barang (panukeuran) maranéhna téh geuning dibalikkeun deui. Maranéhna pok nyarita, “Nun bapa abdi sadaya, naon (deui atuh) anu dipiharep ku abdi sadaya? Geuning ieu barang-barang urang téh diwangsulkeun deui ka urang. (Upami kieu mah) abdi sadaya bakal tiasa nyumpingkeun deui bahan tedaeun ka kulawargi abdi sadaya. Abdi sadaya ogé (siap) ngaraksa dulur abdi sadaya, sarta abdi sadaya bakal kénging tambihan jatah (gandum) sapanggulan onta deui. Éta téh hiji (tambihan) jatah anu énténg (kanggo raja Mesir mah).”
قَالَ لَنْ اُرْسِلَهٗ مَعَكُمْ حَتّٰى تُؤْتُوْنِ مَوْثِقًا مِّنَ اللّٰهِ لَتَأْتُنَّنِيْ بِهٖٓ اِلَّآ اَنْ يُّحَاطَ بِكُمْۚ فَلَمَّآ اٰتَوْهُ مَوْثِقَهُمْ قَالَ اللّٰهُ عَلٰى مَا نَقُوْلُ وَكِيْلٌ٦٦
Qāla lan ursilahū ma‘akum ḥattā tu'tūni mauṡiqam minallāhi lata'tunnanī bihī illā ayyuḥāṭa bikum, falammā ātauhu mauṡiqahum qālallāhu ‘alā mā naqūlu wakīl(un).
[66]
(Ya’qub) ngawaler, “Kaula moal pisan-pisan ngantep manéhna (Bunyamin) indit bareng jeung maranéh, saméméh maranéh jangji ka kuring kalayan (asma) Allah, yén maranéh pasti bakal mulangkeun deui manéhna (Bunyamin) ka kuring, kajaba lamun maranéh kakepung (ku musuh).” Sanggeus maranéhna nyanggupan kana éta jangji, pok Ya’qub nyarios, “Allah téh saksi kana sagala rupa anu diucapkeun ku urang sadaya.”
وَقَالَ يٰبَنِيَّ لَا تَدْخُلُوْا مِنْۢ بَابٍ وَّاحِدٍ وَّادْخُلُوْا مِنْ اَبْوَابٍ مُّتَفَرِّقَةٍۗ وَمَآ اُغْنِيْ عَنْكُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍۗ اِنِ الْحُكْمُ اِلَّا لِلّٰهِ ۗعَلَيْهِ تَوَكَّلْتُ وَعَلَيْهِ فَلْيَتَوَكَّلِ الْمُتَوَكِّلُوْنَ٦٧
Wa qāla yā baniyya lā tadkhulū mim bābiw wāḥidiw wadkhulū min abwābim mutafarriqah(tin), wa mā ugnī ‘ankum minallāhi min syai'(in), inil-ḥukmu illā lillāh(i), ‘alaihi tawakkaltu wa ‘alaihi falyatawakkalil-mutawakkilūn(a).
[67]
(Ya`kub) nyarios deui, “Hé anaking kabéh, poma ulah asup (ka Mesir) ti hiji lawang, tapi ti sababaraha lawang nu béda-béda. (Tapi,) kuring henteu bisa nyegah (takdir) Allah ti maranéh saeutik ogé. (Katangtosan) hukum téh anging kagungan Allah. Mung ka Mantenna kuring tawekal, jeung sakuduna mung ka Mantenna wungkul jalma-jalma anu tawekal (ningkatkeun) tawekal(na).”
وَلَمَّا دَخَلُوْا مِنْ حَيْثُ اَمَرَهُمْ اَبُوْهُمْۗ مَا كَانَ يُغْنِيْ عَنْهُمْ مِّنَ اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍ اِلَّا حَاجَةً فِيْ نَفْسِ يَعْقُوْبَ قَضٰىهَاۗ وَاِنَّهٗ لَذُوْ عِلْمٍ لِّمَا عَلَّمْنٰهُ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَ ࣖ٦٨
Wa lammā dakhalū min ḥaiṡu amarahum abūhum, mā kāna yugnī ‘anhum minallāhi min syai'in illā ḥājatan fī nafsi ya‘qūba qaḍāhā, wa innahū lażū ‘ilmil limā ‘allamnāhu wa lākinna akṡaran-nāsi lā ya‘lamūn(a).
[68]
Nalika maranéhna asup ti lebah nu saluyu jeung paréntah bapana, (asupna maranéhna téh) henteu bisa nyegah kana kaputusan Allah saeutik ogé, tapi éta mah ngan saukur kahayang ti diri Yaqub (minangka kanyaah ka nu jadi anak). Saenyana anjeunna téh bener-bener ngabogaan élmu sabab Kami geus ngajarkeun ka anjeunna, tapi ari kalolobaan manusa téh henteu nyahoeun.
وَلَمَّا دَخَلُوْا عَلٰى يُوْسُفَ اٰوٰٓى اِلَيْهِ اَخَاهُ قَالَ اِنِّيْٓ اَنَا۠ اَخُوْكَ فَلَا تَبْتَىِٕسْ بِمَا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ٦٩
Wa lammā dakhalū ‘alā yūsufa āwā ilaihi akhāhu qāla innī akhūka falā tabta'is bimā kānū ya‘malūn(a).
[69]
Nalika maranéhna asup ka (tempat) Yusuf, anjeunna nempatkeun adina (Bunyamin) di hiji tempat. Pok anjeunna (Yusuf) teras nyarios, “Sabenerna kuring téh dulur anjeun. Ku kituna, anjeun ulah nalangsa ku sagala rupa perkara nu sok dilampahan ku maranéhna.”
فَلَمَّا جَهَّزَهُمْ بِجَهَازِهِمْ جَعَلَ السِّقَايَةَ فِيْ رَحْلِ اَخِيْهِ ثُمَّ اَذَّنَ مُؤَذِّنٌ اَيَّتُهَا الْعِيْرُ اِنَّكُمْ لَسٰرِقُوْنَ٧٠
Falammā jahhazahum bijahāzihim ja‘las-siqāyata fī raḥli akhīhi ṡumma ażżana mu'ażżinun ayyatuhal-‘īru innakum lasāriqūn(a).
[70]
Mangka, waktu geus disiapkeun barang-barang bawaeun pikeun maranéhna, Yusuf ngasupkeun cawan 481 kana jero karung adina (Bunyamin). Teu kungsi lila celengkeung téh tukang bewara ngagorowok, “Hé kapilah, sabenerna aranjeun téh nyata-nyata tukang maling!”
481) Éta cawan téh dijieun tina emas, siga piala, bisa dipaké nginum ogé dipaké naker.
قَالُوْا وَاَقْبَلُوْا عَلَيْهِمْ مَّاذَا تَفْقِدُوْنَ٧١
Qālū wa aqbalū ‘alaihim māżā tafqidūn(a).
[71]
Maranéhna nanya bari nyanghareup ka nu ngagorowok téa, “Na kaleungitan naon atuh aranjeun téh?”
قَالُوْا نَفْقِدُ صُوَاعَ الْمَلِكِ وَلِمَنْ جَاۤءَ بِهٖ حِمْلُ بَعِيْرٍ وَّاَنَا۠ بِهٖ زَعِيْمٌ٧٢
Qālū nafqidu ṣuwā‘al-maliki wa liman jā'a bihī ḥimlu ba‘īriw wa ana bihī za‘īm(un).
[72]
Maranéhna ngajawab, “Kami kaleungitan cawan raja. Saha baé nu mulangkeun éta cawan bakal meunang (gandum) sapikulan onta, tah kuring sorangan nu ngajaminna.”
قَالُوْا تَاللّٰهِ لَقَدْ عَلِمْتُمْ مَّا جِئْنَا لِنُفْسِدَ فِى الْاَرْضِ وَمَا كُنَّا سٰرِقِيْنَ٧٣
Qālū tallāhi laqad ‘alimtum mā ji'tanā linufsida fil-arḍi wa mā kunnā sāriqīn(a).
[73]
Maranéhna (dulur-dulur Yusuf) ngajawab, “Demi Allah, sabenerna aranjeun ogé tangtu uninga yén abdi sadaya dongkap (ka dieu) téh sanes badé midamel kareksakan di ieu nagri, sareng abdi sadaya mah sanés bangsat.”
قَالُوْا فَمَا جَزَاۤؤُهٗٓ اِنْ كُنْتُمْ كٰذِبِيْنَ٧٤
Qālū famā jazā'uhū in kuntum kāżibīn(a).
[74]
Maranéhna nyarita, “Lamun kitu, naon hukumanana saupama aranjeun (kabuktian) bohong?”
قَالُوْا جَزَاۤؤُهٗ مَنْ وُّجِدَ فِيْ رَحْلِهٖ فَهُوَ جَزَاۤؤُهٗ ۗ كَذٰلِكَ نَجْزِى الظّٰلِمِيْنَ٧٥
Qālū jazā'uhū maw wujida fī raḥlihī fa huwa jazā'uh(ū), każālika najziẓ-ẓālimīn(a).
[75]
Maranéhna (dulur-dulur Yusuf) ngajawab, “Hukumanana, saha baé anu kapanggih dina karungna (aya barang nu leungit téa), mangka manéhna anu dihukum (dijadikeun budak beulian). Tah kitu cara Kami males ka jalma-jalma nu dolim.”
فَبَدَاَ بِاَوْعِيَتِهِمْ قَبْلَ وِعَاۤءِ اَخِيْهِ ثُمَّ اسْتَخْرَجَهَا مِنْ وِّعَاۤءِ اَخِيْهِۗ كَذٰلِكَ كِدْنَا لِيُوْسُفَۗ مَا كَانَ لِيَأْخُذَ اَخَاهُ فِيْ دِيْنِ الْمَلِكِ اِلَّآ اَنْ يَّشَاۤءَ اللّٰهُ ۗنَرْفَعُ دَرَجٰتٍ مَّنْ نَّشَاۤءُۗ وَفَوْقَ كُلِّ ذِيْ عِلْمٍ عَلِيْمٌ٧٦
Fa bada'a bi'au‘iyatihim qabla wi‘ā'i akhīhi ṡummastakhrajahā miw wi‘ā'i akhīh(i), każālika kidnā liyūsuf(a), mā kāna liya'khuża akhāhu fī dīnil-maliki illā ay yasyā'allāh(u), narfa‘u darajātim man nasyā'(u), wa fauqa kulli żī ‘ilmin ‘alīm(un).
[76]
Mangka, Yusuf mimiti (ngagaradah) kana karung-karung maranéhna, saméméh (ngagaradahan) karung adina (Bunyamin). Tuluy anjeunna ngaluarkeun cawan téa tina karung adina. Tah kitu Kami ngatur (rencana) pikeun Yusuf. Anjeunna moal bisa méré hukuman ka adina ku undang-undang karajaan (Mesir), kajaba upama Allah ngersakeun. Kami ngangkat darajat saha baé jalma nu dikersakeun ku Kami; Jeung di saluhureun sakur nu boga élmu téh aya nu leuwih luhung élmuna.
۞ قَالُوْٓا اِنْ يَّسْرِقْ فَقَدْ سَرَقَ اَخٌ لَّهٗ مِنْ قَبْلُۚ فَاَسَرَّهَا يُوْسُفُ فِيْ نَفْسِهٖ وَلَمْ يُبْدِهَا لَهُمْۚ قَالَ اَنْتُمْ شَرٌّ مَّكَانًا ۚوَاللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا تَصِفُوْنَ٧٧
Qālū iy yasriq faqad saraqa akhul lahū min qabl(u), fa asarrahā yūsufu fī nafsihī wa lam yubdihā lahum, qāla antum syarrum makānā(n), wallāhu a‘lamu bimā taṣifūn(a).
[77]
Maranéhna (dulur-dulur Yusuf) nyarita, “Saupama (leres) manéhna maling, saleresna lanceukna (Yusuf) ogé kapungkur kantos maling.” Mangka, Yusuf nyumputkeun (kakeuheulna) dina jero haté jeung henteu némbongkeun ka maranéhna. Anjeunna nyarios (dina haténa), “Kalungguhan (sipat-sipat) maranéh leuwih goréng (tibatan kuring). Da Allah mah langkung uninga kana (bohongna) naon anu diomongkeun ku maranéh.”
قَالُوْا يٰٓاَيُّهَا الْعَزِيْزُ اِنَّ لَهٗٓ اَبًا شَيْخًا كَبِيْرًا فَخُذْ اَحَدَنَا مَكَانَهٗ ۚاِنَّا نَرٰىكَ مِنَ الْمُحْسِنِيْنَ٧٨
Qālū yā ayyuhal-‘azīzu inna lahū aban syaikhan kabīran fa khuż aḥadanā makānah(ū), innā narāka minal-muḥsinīn(a).
[78]
Maranéhna nyarita, “Kaulanun al-Aziz, saleresna manéhna (Bunyamin) téh gaduh bapa anu parantos sepuh pisan. Ku kituna, sok baé candak salah sawios ti antawis abdi sadaya kanggo gentosna. Numutkeun paningal abdi sadaya, salira téh leres-leres kalebet jalmi-jalmi anu sok midamel kasaéan.”
قَالَ مَعَاذَ اللّٰهِ اَنْ نَّأْخُذَ اِلَّا مَنْ وَّجَدْنَا مَتَاعَنَا عِنْدَهٗٓ ۙاِنَّآ اِذًا لَّظٰلِمُوْنَ ࣖ٧٩
Qāla ma‘āżallāhi an na'khuża illā maw wajadnā matā‘anā ‘indah(ū), innā iżal laẓālimūn(a).
[79]
Yusuf ngawaler, “Kami nyalindung ka Allah tina nahan (hiji jalma) anging saha anu ku kami kapanggih dina karungna aya barang kami, sabab upama kitu mah atuh kami téh bener-bener kaasup jalma-jalma anu dolim.”
فَلَمَّا اسْتَيْـَٔسُوْا مِنْهُ خَلَصُوْا نَجِيًّاۗ قَالَ كَبِيْرُهُمْ اَلَمْ تَعْلَمُوْٓا اَنَّ اَبَاكُمْ قَدْ اَخَذَ عَلَيْكُمْ مَّوْثِقًا مِّنَ اللّٰهِ وَمِنْ قَبْلُ مَا فَرَّطْتُّمْ فِيْ يُوْسُفَ فَلَنْ اَبْرَحَ الْاَرْضَ حَتّٰى يَأْذَنَ لِيْٓ اَبِيْٓ اَوْ يَحْكُمَ اللّٰهُ لِيْۚ وَهُوَ خَيْرُ الْحٰكِمِيْنَ٨٠
Falammastai'asū minhu khalaṣū najiyyā(n), qāla kabīruhum alam ta‘lamū anna abākum qad akhaża ‘alaikum mauṡiqam minallāhi wa min qablu mā farrattum fī yūsufa falan abraḥal-arḍa ḥattā ya'żana lī abī au yaḥkumallāhu lī, wa huwa khairul-ḥākimīn(a).
[80]
Tuluy, waktu maranéhna geus putus asa tina éta (putusan Yusuf ngeunaan paménta maranéhna supaya ngabébaskeun adina), maranéhna ngucilkeun diri (bari rundingan) kalayan haharéwosan. Pok baé anu pangkolotna ti antara maranéhna nyarita, “Naha aranjeun poho yén bapa aranjeun geus ménta jangji ti aranjeun kalayan (nyebut asma) Allah, jeung saméméh ieu apan aranjeun kungsi nyia-nyiakeun Yusuf? Ku kituna, kuring mah moal ninggalkeun ieu nagri (Mesir) nepi ka bapa kuring méré ijin ka kuring (pikeun balik) atawa Allah maparin putusan ka kuring. Da Mantenna mah anu pangsaé-saéna masihan putusan.
اِرْجِعُوْٓا اِلٰٓى اَبِيْكُمْ فَقُوْلُوْا يٰٓاَبَانَآ اِنَّ ابْنَكَ سَرَقَۚ وَمَا شَهِدْنَآ اِلَّا بِمَا عَلِمْنَا وَمَا كُنَّا لِلْغَيْبِ حٰفِظِيْنَ٨١
Irji‘ū ilā abīkum fa qūlū yā abānā innabnaka saraq(a), wa mā syahidnā illā bimā ‘alimnā wa mā kunnā lil-gaibi ḥāfiẓīn(a).
[81]
Jung geura mulang ka bapa aranjeun, tuluy pék béjakeun ku aranjeun, ‘Mama, geuning (Bunyamin) putra bapa téh geus maling, sareng abdi sadaya mah mung nyaksian kana naon nu kauninga abdi sadaya, sareng abdi sadaya (rumaos) sanes nu ngaraksa (uninga) kana perkara nu gaib.’
وَسْـَٔلِ الْقَرْيَةَ الَّتِيْ كُنَّا فِيْهَا وَالْعِيْرَ الَّتِيْٓ اَقْبَلْنَا فِيْهَاۗ وَاِنَّا لَصٰدِقُوْنَ٨٢
Was'alil-qaryatal-latī kunnā fīhā wal-‘īral-latī aqbalnā fīhā, wa innā laṣādiqūn(a).
[82]
Mangga baé taroskeun ka (pangeusi) nagri anu didongkapan ku abdi sadaya sareng ka kapilah anu sasarengan jeung abdi sadaya ka dinya. Saleresna abdi sadaya téh leres-leres jalmi-jalmi anu jujur.”
قَالَ بَلْ سَوَّلَتْ لَكُمْ اَنْفُسُكُمْ اَمْرًاۗ فَصَبْرٌ جَمِيْلٌ ۗعَسَى اللّٰهُ اَنْ يَّأْتِيَنِيْ بِهِمْ جَمِيْعًاۗ اِنَّهٗ هُوَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ٨٣
Qāla bal sawwalat lakum anfusukum amrā(n), fa ṣabrun jamīl(un), ‘asallāhu ay ya'tiyanī bihim jamī‘ā(n), innahū huwal-‘alīmul-ḥakīm(u).
[83]
Anjeunna (Ya’qub) ngawaler, “Sabenerna mah ngan diri maranéh sorangan nu nganggap hadé kana éta urusan (anu goréng) téh. (Kasabaran kuring téh) kasabaran anu alus. Mudah-mudahan wae engké Allah bakal mulangkeun deui maranéhna kabéh ka kuring. Saleresna Mantenna téh Mahauninga (tur) Mahawijaksana.”
وَتَوَلّٰى عَنْهُمْ وَقَالَ يٰٓاَسَفٰى عَلٰى يُوْسُفَ وَابْيَضَّتْ عَيْنٰهُ مِنَ الْحُزْنِ فَهُوَ كَظِيْمٌ٨٤
Wa tawallā ‘anhum wa qāla yā asafā ‘alā yūsufa wabyaḍḍat ‘aināhu minal-ḥuzni fa huwa kaẓīm(un).
[84]
Anjeunna (Ya’qub) terus nyingkahan maranéhna (para putrana), bari pokna, “Duh deudeuh teuing anaking Yusuf!” Dua socana jadi bodas bakating ku sedih, bari jeung nahan amarah (ka para putrana).
قَالُوْا تَاللّٰهِ تَفْتَؤُا تَذْكُرُ يُوْسُفَ حَتّٰى تَكُوْنَ حَرَضًا اَوْ تَكُوْنَ مِنَ الْهٰلِكِيْنَ٨٥
Qālū tallāhi tafta'u tażkuru yūsufa ḥattā takūna ḥaraḍan au takūna minal-hālikīn(a).
[85]
Maranéhna nyarita, “Demi Allah, rupina bapa mah teras-terasan wae émut ka Yusuf dugi ka teu damang wales atawa dugi ka pupus.”
قَالَ اِنَّمَآ اَشْكُوْا بَثِّيْ وَحُزْنِيْٓ اِلَى اللّٰهِ وَاَعْلَمُ مِنَ اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٨٦
Qāla innamā asykū baṡṡī wa ḥuznī ilallāhi wa a‘lamu minallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[86]
Anjeunna (Ya’qub) nyarios, “Mung ka Allah wungkul kuring ngunjukkeun kasusah jeung kanalangsaan kuring. Kuring nyaho ti Allah perkara anu maranéh kabéh henteu nyaho.
يٰبَنِيَّ اذْهَبُوْا فَتَحَسَّسُوْا مِنْ يُّوْسُفَ وَاَخِيْهِ وَلَا تَا۟يْـَٔسُوْا مِنْ رَّوْحِ اللّٰهِ ۗاِنَّهٗ لَا يَا۟يْـَٔسُ مِنْ رَّوْحِ اللّٰهِ اِلَّا الْقَوْمُ الْكٰفِرُوْنَ٨٧
Yā baniyyażhabū fa taḥassasū miy yūsufa wa akhīhi wa lā tai'asū mir rauḥillāh(i), innahū lā yai'asu mir rauḥillāhi illal-qaumul-kāfirūn(a).
[87]
Anaking kabéh, jung geura arindit, geura téangan (béja) ngeunaan Yusuf katut adina (Bunyamin), sarta maranéh kabéh ulah pegat pangharepan tina rahmat Allah, sabab sabenerna euweuh anu pegat pangharepan tina rahmat Allah, anging kaom anu kapir.”
فَلَمَّا دَخَلُوْا عَلَيْهِ قَالُوْا يٰٓاَيُّهَا الْعَزِيْزُ مَسَّنَا وَاَهْلَنَا الضُّرُّ وَجِئْنَا بِبِضَاعَةٍ مُّزْجٰىةٍ فَاَوْفِ لَنَا الْكَيْلَ وَتَصَدَّقْ عَلَيْنَاۗ اِنَّ اللّٰهَ يَجْزِى الْمُتَصَدِّقِيْنَ٨٨
Falammā dakhalū ‘alaihi qālū yā ayyuhal-‘azīzu massanā wa ahlanaḍ-ḍurru wa ji'nā bibiḍā‘atim muzjātin fa aufi lanal-kaila wa taṣaddaq ‘alainā, innallāha yajzil-mutaṣaddiqīn(a).
[88]
Nya waktu asup deui ka (tempat)na (Yusuf), pok maranéhna nyarita, “Kaulanun nu mulya, abdi sadaya sakulawargi katiban sangsara. Abdi sadaya dongkap (mung) ngabantun barang nu henteu aya ajénna. (Sok sanaos kitu), mugi salira kersa maparin ka abdi sadaya takeran (gandum) anu sampurna, sareng maparin sidekah ka abdi sadaya. Saleresna Allah bakal maparin ganjaran ka jalmi-jalmi anu maparin sidekah.”
قَالَ هَلْ عَلِمْتُمْ مَّا فَعَلْتُمْ بِيُوْسُفَ وَاَخِيْهِ اِذْ اَنْتُمْ جٰهِلُوْنَ٨٩
Qāla hal ‘alimtum mā fa‘altum biyūsufa wa akhīhi iż antum jāhilūn(a).
[89]
Anjeunna (Yusuf) naros, “Naha aranjeun nyaho (inget) kana naon anu geus dipigawé ku aranjeun ka Yusuf katut adina, sabab (katingalina mah) aranjeun teu sadar (kana akibat) pagawéan aranjeun?”
قَالُوْٓا ءَاِنَّكَ لَاَنْتَ يُوْسُفُۗ قَالَ اَنَا۠ يُوْسُفُ وَهٰذَآ اَخِيْ قَدْ مَنَّ اللّٰهُ عَلَيْنَاۗ اِنَّهٗ مَنْ يَّتَّقِ وَيَصْبِرْ فَاِنَّ اللّٰهَ لَا يُضِيْعُ اَجْرَ الْمُحْسِنِيْنَ٩٠
Qālū a'innaka la'anta yūsuf(u), qāla ana yūsufu wa hāżā akhī qad mannallāhu ‘alainā, innahū may yataqqi wa yaṣbir fa innallāha lā yuḍī‘u ajral-muḥsinīn(a).
[90]
Maranéhna nanya, “Naha salira téh leres Yusuf?” Anjeunna ngawaler, “Kuring Yusuf jeung ieu adi kuring (Bunyamin). Tétéla Allah parantos maparin nugraha ka kami duaan. Sabenerna saha baé anu takwa sarta sabar, nya Allah mah moal nyia-nyiakeun ganjaran jalma-jalma nu milampah kahadéan.”
قَالُوْا تَاللّٰهِ لَقَدْ اٰثَرَكَ اللّٰهُ عَلَيْنَا وَاِنْ كُنَّا لَخٰطِـِٕيْنَ٩١
Qālū tallāhi laqad āṡarakallāhu ‘alainā wa in kunnā lakhāṭi'īn(a).
[91]
Maranéhna nyarita, “Demi Allah, saleresna Allah parantos munjulkeun darajat anjeun saluhureun kami, sareng abdi sadaya téh rumaos parantos janten jalmi-jalmi anu lepat.”
قَالَ لَا تَثْرِيْبَ عَلَيْكُمُ الْيَوْمَۗ يَغْفِرُ اللّٰهُ لَكُمْ ۖوَهُوَ اَرْحَمُ الرّٰحِمِيْنَ٩٢
Qāla lā taṡrība ‘alaikumul-yaum(a), wa yagfirullāhu lakum, wa huwa arḥamur-rāḥimīn(a).
[92]
Anjeunna (Yusuf) nyarios, “Dina poé ieu geus teu aya geuneuk maleukmeuk deui ka aranjeun. Mugia Allah ngahampura ka aranjeun. Apan Mantenna mah Mahaasih di antara nu arasih.
اِذْهَبُوْا بِقَمِيْصِيْ هٰذَا فَاَلْقُوْهُ عَلٰى وَجْهِ اَبِيْ يَأْتِ بَصِيْرًا ۚوَأْتُوْنِيْ بِاَهْلِكُمْ اَجْمَعِيْنَ ࣖ٩٣
Iżhabū biqamīṣī hāżā fa alqūhu ‘alā wajhi abī ya'ti baṣīrā(n), wa'tūnī bi'ahlikum ajma‘īn(a).
[93]
Jung geura mariang bari bawa ieu baju kurung nu kuring, tuluy usapkeun kana pameunteu bapa kuring, tangtu anjeunna bakal tiasa ningali deui, jeung pék geura carandak kulawarga aranjeun sadayana ka kuring!”
وَلَمَّا فَصَلَتِ الْعِيْرُ قَالَ اَبُوْهُمْ اِنِّيْ لَاَجِدُ رِيْحَ يُوْسُفَ لَوْلَآ اَنْ تُفَنِّدُوْنِ٩٤
Wa lammā faṣalatil-‘īru qāla abūhum innī la'ajidu rīḥa yūsufa lau lā an tufannidūn(i).
[94]
Nalika éta kapilah geus kaluar (ti wates nagri Mesir tur asup ka wewengkon Paléstina), pok ramana nyarios, “Sabenerna bapa ngangseu hiliwir seungitna Yusuf, lamun seug maranéh henteu nganggap bapa pikun mah.”
قَالُوْا تَاللّٰهِ اِنَّكَ لَفِيْ ضَلٰلِكَ الْقَدِيْمِ٩٥
Qālū tallāhi innaka lafī ḍalālikal-qadīm(i).
[95]
Maranéhna (kulawargana) nyarita, “Demi Allah, saleresna bapak masih baé kaliru siga nu atos-atos.”
فَلَمَّآ اَنْ جَاۤءَ الْبَشِيْرُ اَلْقٰىهُ عَلٰى وَجْهِهٖ فَارْتَدَّ بَصِيْرًاۗ قَالَ اَلَمْ اَقُلْ لَّكُمْۙ اِنِّيْٓ اَعْلَمُ مِنَ اللّٰهِ مَا لَا تَعْلَمُوْنَ٩٦
Falammā an jā'al-basyīru alqāhu ‘alā wajihihī fartadda baṣīrā(n), qāla alam aqul lakum, innī a‘lamu minallāhi mā lā ta‘lamūn(a).
[96]
Nalika nu mawa béja hadé téa téh geus datang, baju kurung téh diusapkeun kana pameunteuna (Ya’qub), bray wéh panonna awas deui. Pok Yaqub nyarios, “Naha kuring henteu kungsi nyarita kitu ka maranéh yén sabenerna kuring téh nyaho ti Allah perkara anu maranéh henteu nyaho?”
قَالُوْا يٰٓاَبَانَا اسْتَغْفِرْ لَنَا ذُنُوْبَنَآ اِنَّا كُنَّا خٰطِـِٕيْنَ٩٧
Qālū yā abānastagfir lanā żunūbanā innā kunnā khāṭi'īn(a).
[97]
Maranéhna nyarita, “Nun bapa abdi sadaya, pang mundutkeun pangapunten atuh kanggo abdi sadaya patali sareng dosa-dosa abdi sadaya. Saleresna abdi sadaya rumaos parantos janten jalmi-jalmi anu lepat.”
قَالَ سَوْفَ اَسْتَغْفِرُ لَكُمْ رَبِّيْ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ٩٨
Qāla saufa astagfiru lakum rabbī, innahū huwal-gafūrur-raḥīm(u).
[98]
Yaqub ngawaler, “Heug bapa engké rék mangméntakeun pangampura keur maranéh ka Pangéran kuring. Saleresna Mantenna mah Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”
فَلَمَّا دَخَلُوْا عَلٰى يُوْسُفَ اٰوٰٓى اِلَيْهِ اَبَوَيْهِ وَقَالَ ادْخُلُوْا مِصْرَ اِنْ شَاۤءَ اللّٰهُ اٰمِنِيْنَ ۗ٩٩
Falammā dakhalū ‘alā yūsufa āwā ilaihi abawaihi wa qāladkhulū miṣra in syā'allāhu āminīn(a).
[99]
Waktu maranéhna asup ka (tempat) Yusuf, gabrug anjeunna ngarangkul ka ibu ramana sarta saurna, “Sok mangga geura lalebet ka (nagri) Mesir, insya Allah dina kaayaan araman sadayana.”
وَرَفَعَ اَبَوَيْهِ عَلَى الْعَرْشِ وَخَرُّوْا لَهٗ سُجَّدًاۚ وَقَالَ يٰٓاَبَتِ هٰذَا تَأْوِيْلُ رُءْيَايَ مِنْ قَبْلُ ۖقَدْ جَعَلَهَا رَبِّيْ حَقًّاۗ وَقَدْ اَحْسَنَ بِيْٓ اِذْ اَخْرَجَنِيْ مِنَ السِّجْنِ وَجَاۤءَ بِكُمْ مِّنَ الْبَدْوِ مِنْۢ بَعْدِ اَنْ نَّزَغَ الشَّيْطٰنُ بَيْنِيْ وَبَيْنَ اِخْوَتِيْۗ اِنَّ رَبِّيْ لَطِيْفٌ لِّمَا يَشَاۤءُ ۗاِنَّهٗ هُوَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ١٠٠
Wa rafa‘a abawaihi ‘alal-‘arsyi wa kharrū lahū sujjadā(n), wa qāla yā abati hāżā ta'wīlu ru'yāya min qabl(u), qad ja‘alahā rabbī ḥaqqā(n), wa qad aḥsana bī iż akhrajanī minas-sijni wa jā'a bikum minal-badwi mim ba‘di an nazagasy-syaiṭānu bainī wa baina ikhwatī, inna rabbī laṭīful limā yasyā'(u), innahū huwal-‘alīmul-ḥakīm(u).
[100]
Teras anjeunna nyalikkeun ibu ramana dina singgasana, sarta maranéhna brek sungkem ngahormat ka anjeunna (Yusuf). Pok Yusuf nyarios, “Nun bapa, ieu rupina hartos tina impénan abdi anu kapungkur téa téh! Saleresna Pangéran abdi parantos ngawujudkeun éta impénan janten kanyataan; sareng saleresna Pangéran abdi parantos saé ka abdi, waktos Mantenna ngaluarkeun abdi ti panjara sareng nyandak aranjeun sadaya ti padusunan, saparantos sétan misahkeun antawis abdi sareng dulur-dulur abdi. Saleresna Pangéran abdi téh Mahalantip kana sagala rupi perkara anu dikersakeun ku Mantenna. Saleresna Mantenna mah Mahauninga (tur) Mahawijaksana.
۞ رَبِّ قَدْ اٰتَيْتَنِيْ مِنَ الْمُلْكِ وَعَلَّمْتَنِيْ مِنْ تَأْوِيْلِ الْاَحَادِيْثِۚ فَاطِرَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ اَنْتَ وَلِيّٖ فِى الدُّنْيَا وَالْاٰخِرَةِۚ تَوَفَّنِيْ مُسْلِمًا وَّاَلْحِقْنِيْ بِالصّٰلِحِيْنَ١٠١
Rabbi qad ātaitanī minal-mulki wa ‘allamtanī min ta'wīlil-aḥādīṡ(i), fāṭiras-samāwāti wal-arḍ(i), anta waliyyī fid-dun-yā wal-ākhirah(ti), tawaffanī muslimaw wa alḥiqnī biṣ-ṣāliḥīn(a).
[101]
Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna Gusti parantos maparin kakawasaan ka abdi, sareng parantos ngawurukkeun ka abdi harti rupi-rupi impénan. (Nun Gusti) nu nyiptakeun langit miwah bumi, Gusti téh panyalindungan abdi di dunya sareng di ahérat, (Ku kituna,) pupuskeun abdi dina kaayaan Islam sareng hijikeun abdi sareng jalmi-jalmi anu soléh.”
ذٰلِكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ الْغَيْبِ نُوْحِيْهِ اِلَيْكَۚ وَمَا كُنْتَ لَدَيْهِمْ اِذْ اَجْمَعُوْٓا اَمْرَهُمْ وَهُمْ يَمْكُرُوْنَ١٠٢
Żālika min ambā'il-gaibi nūḥīhi ilaik(a), wa mā kunta ladaihim iż ajma‘ū amrahum wa hum yamkurūn(a).
[102]
Tah éta téh ti antara béja-béja gaib nu diwahyukeun ku Kami ka hidep (Muhammad), padahal apan hidep téh henteu aya di sagigireun maranéhna waktu maranéhna sapuk ngabadamikeun urusan maranéhna, jeung waktu maranéhna ngararancang tipu daya (pikeun ngunclungkeun Yusuf kana jero sumur).
وَمَآ اَكْثَرُ النَّاسِ وَلَوْ حَرَصْتَ بِمُؤْمِنِيْنَ١٠٣
Wa mā akṡarun-nāsi wa lau ḥaraṣta bimu'minīn(a).
[103]
Ari kalolobaan manusa éta moal iman, sanajan hidep (Muhammad) pohara pisan mikahayangna.
وَمَا تَسْـَٔلُهُمْ عَلَيْهِ مِنْ اَجْرٍۗ اِنْ هُوَ اِلَّا ذِكْرٌ لِّلْعٰلَمِيْنَ ࣖ١٠٤
Wa mā tas'aluhum ‘alaihi min ajr(in), in huwa illā żikrul lil-‘ālamīn(a).
[104]
Hidep henteu pisan-pisan ménta buruh mangrupa naon ogé dina ieu urusan (pangajak hidep). Pan éta (Al-Qur’an) mah taya lian anging atikan pikeun sakumna alam.
وَكَاَيِّنْ مِّنْ اٰيَةٍ فِى السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ يَمُرُّوْنَ عَلَيْهَا وَهُمْ عَنْهَا مُعْرِضُوْنَ١٠٥
Wa ka'ayyim min āyatin fis-samāwāti wal-arḍi yamurrūna ‘alaihā wa hum ‘anhā mu‘rḍūn(a).
[105]
Teu kawilang mangpirang-pirang tanda (kakawasaan Allah) di langit jeung di bumi nu geus kasorang ku maranéhna, tapi maranéhna tetep baé ngabalieur kana éta tanda.
وَمَا يُؤْمِنُ اَكْثَرُهُمْ بِاللّٰهِ اِلَّا وَهُمْ مُّشْرِكُوْنَ١٠٦
Wa mā yu'minu akṡaruhum billāhi illā wa hum musyrikūn(a).
[106]
Maranéhna lolobana mah henteu iman ka Allah, malah maranéhna mah musrik.
اَفَاَمِنُوْٓا اَنْ تَأْتِيَهُمْ غَاشِيَةٌ مِّنْ عَذَابِ اللّٰهِ اَوْ تَأْتِيَهُمُ السَّاعَةُ بَغْتَةً وَّهُمْ لَا يَشْعُرُوْنَ١٠٧
Afa aminū an ta'tiyahum gāsyiyatum min ‘ażābillāhi au ta'tiyahumus-sā‘atu bagtataw wa hum lā yasy‘urūn(a).
[107]
Naha maranéhna ngarasa aman tina bakal datangna siksaan nu ngarungkup ti Allah atawa tina bakal datangna Kiamat nu ngadadak, sedengkeun maranéhna henteu sadar?
قُلْ هٰذِهٖ سَبِيْلِيْٓ اَدْعُوْٓا اِلَى اللّٰهِ ۗعَلٰى بَصِيْرَةٍ اَنَا۠ وَمَنِ اتَّبَعَنِيْ ۗوَسُبْحٰنَ اللّٰهِ وَمَآ اَنَا۠ مِنَ الْمُشْرِكِيْنَ١٠٨
Qul hāżihī sabīlī ad‘ū ilallāh(i), ‘alā baṣīratin ana wa manittaba‘anī, wa subḥānallāhi wa mā ana minal-musyrikīn(a).
[108]
Pok béjakeun ku hidep (Muhammad), “Ieu jalan kuring. Kuring jeung jalma-jalma nu nurut ka kuring ngajak (sakabéh jalma) ka Allah kalayan bukti nu nyata. Mahasuci Allah jeung kuring lain ti golongan jalma-jalma nu musrik.”
وَمَآ اَرْسَلْنَا مِنْ قَبْلِكَ اِلَّا رِجَالًا نُّوْحِيْٓ اِلَيْهِمْ مِّنْ اَهْلِ الْقُرٰىۗ اَفَلَمْ يَسِيْرُوْا فِى الْاَرْضِ فَيَنْظُرُوْا كَيْفَ كَانَ عَاقِبَةُ الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِهِمْۗ وَلَدَارُ الْاٰخِرَةِ خَيْرٌ لِّلَّذِيْنَ اتَّقَوْاۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ١٠٩
Wa mā arsalnā min qablika illā rijālan nūḥī ilaihim min ahlil-qurā, afalam yasīrū fil-arḍi fa yanẓurū kaifa kāna ‘āqibatul-lażīna min qablihim, wa ladārul-ākhirati khairul lil-lażīnattaqau, afalā ta‘qilūn(a).
[109]
Kami teu ngutus saméméh hidep (Muhammad) iwal ti lalaki-lalaki pangeusi nagri anu dipaparinan wahyu ku Kami. Naha maranéhna henteu kungsi lumampah di ieu bumi tuluy niténan kumaha akibatna jalma-jalma (anu ngabohongkeun ka rasul?) saméméh maranéhna. Sabenerna nagri ahérat téh leuwih hadé pikeun jalma-jalma nu takwa. Naha maranéh henteu ngarti kitu?
حَتّٰٓى اِذَا اسْتَيْـَٔسَ الرُّسُلُ وَظَنُّوْٓا اَنَّهُمْ قَدْ كُذِبُوْا جَاۤءَهُمْ نَصْرُنَاۙ فَنُجِّيَ مَنْ نَّشَاۤءُ ۗوَلَا يُرَدُّ بَأْسُنَا عَنِ الْقَوْمِ الْمُجْرِمِيْنَ١١٠
Ḥattā iżastai'asar-rusulu wa ẓannū annahum qad kużibū jā'ahum naṣrunā, fa nujjiya man nasyā'(u), wa lā yuraddu ba'sunā ‘anil-qaumil-mujrimīn(a).
[110]
Nepi ka lamun éta para rasul geus taak (nyanghareupan kakupuran maranéhna) jeung ngarasa yakin yén aranjeunna geus dibohongkeun, nya datang ka éta para rasul téh pitulung Kami, tuluy Kami bakal nyalametkeun saha baé jalma anu dipikahayang ku Kami. Ari siksa Kami téh moal bisa ditolak tina (tumibana ka) jalma-jalma nu lamokot ku dosa.
لَقَدْ كَانَ فِيْ قَصَصِهِمْ عِبْرَةٌ لِّاُولِى الْاَلْبَابِۗ مَا كَانَ حَدِيْثًا يُّفْتَرٰى وَلٰكِنْ تَصْدِيْقَ الَّذِيْ بَيْنَ يَدَيْهِ وَتَفْصِيْلَ كُلِّ شَيْءٍ وَّهُدًى وَّرَحْمَةً لِّقَوْمٍ يُّؤْمِنُوْنَ ࣖ١١١
Laqad kāna fī qaṣaṣihim ‘ibratul li'ulil-albāb(i), mā kāna ḥadīṡay yuftarā wa lākin taṣdīqal-lażī baina yadaihi wa tafṣīla kulli syai'iw wa hudaw wa raḥmatal liqaumiy yu'minūn(a).
[111]
Sabenerna dina kisah-kisah aranjeunna téh aya atikan pikeun jalma-jalma nu boga akal séhat. Ieu (Al-Qur’an) téh lain dongéng jijieunan, tapi (kitab) anu ngaenyakeun (kitab-kitab) anu saméméhna, anu ngawincikan sagala perkara, jeung pituduh sarta rahmat pikeun jalma-jalma nu iman.