Surah An-Nas

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ النَّاسِۙ١
Qul a‘ūżu birabbin-nās(i).
[1] Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Kuring nyalindung ka Pangéran manusa,

مَلِكِ النَّاسِۙ٢
Malikin-nās(i).
[2] Maharaja kabéh manusa,

اِلٰهِ النَّاسِۙ٣
Ilāhin-nās(i).
[3] Sesembahan manusa,

مِنْ شَرِّ الْوَسْوَاسِ ەۙ الْخَنَّاسِۖ٤
Min syarril-waswāsil-khannās(i).
[4] tina kajahatan (haréwos) sétan nu nyumput,

الَّذِيْ يُوَسْوِسُ فِيْ صُدُوْرِ النَّاسِۙ٥
Allażī yuwaswisu fī ṣudūrin-nās(i).
[5] anu sok ngaharéwoskeun (kajahatan) kana jero dada manusa,

مِنَ الْجِنَّةِ وَالنَّاسِ ࣖ٦
Minal jinnati wan-nās(i).
[6] ti (golongan) jin jeung manusa.”