Surah Al-Lahab

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
تَبَّتْ يَدَآ اَبِيْ لَهَبٍ وَّتَبَّۗ١
Tabbat yadā abī lahabiw wa tabb(a).
[1] Cilaka dua leungeun Abu Lahab. Manéhna bener-bener cilaka. 965
965) Anu dimaksud “dua leungeun Abu Lahab” téh nyaéta Abu Lahab sorangan.

مَآ اَغْنٰى عَنْهُ مَالُهٗ وَمَا كَسَبَۗ٢
Mā agnā ‘anhu māluhū wa mā kasab(a).
[2] Taya mangpaatna keur manéhna harta bandana jeung naon baé anu diusahakeunana.

سَيَصْلٰى نَارًا ذَاتَ لَهَبٍۙ٣
Sayaṣlā nāran żāta lahab(in).
[3] Engké manéhna bakal asup kana seuneu nu ngéntab-ngéntab (naraka).

وَّامْرَاَتُهٗ ۗحَمَّالَةَ الْحَطَبِۚ٤
Wamra'atuh(ū), ḥammālatal-ḥaṭab(i).
[4] (Jiga kitu) pamajikanana tukang mawa suluh (tukang nyebarkeun pitnah).

فِيْ جِيْدِهَا حَبْلٌ مِّنْ مَّسَدٍ ࣖ٥
Fī jīdihā ḥablum mim masad(in).
[5] Dina beuheungna aya tali tina injuk nu meulit.