Surah Hud
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
الۤرٰ ۗ كِتٰبٌ اُحْكِمَتْ اٰيٰتُهٗ ثُمَّ فُصِّلَتْ مِنْ لَّدُنْ حَكِيْمٍ خَبِيْرٍۙ١
Alif lām rā, kitābun uḥkimat āyātuhū ṡumma fuṣṣilat mil ladun ḥakīmin khabīr(in).
[1]
Alif Lām Mīm Rā. 436 (Ieu téh) hiji Kitab anu ayat-ayatna disusun kalayan tartib, tuluy dijelaskeun kalayan diwincik 437 (anu diturunkeun) ti mungguhing (Allah) Nu Mahawijaksana (tur) Mahauninga.
436) Tingal catetan kaki surat al-Baqarah/2:1.
437) Dibagi kana sababaraha rupa: Aya nu eusina ngeunaan kataohidan, hukum, kisah, ahlak, élmu-panemu, jangji, pépéling, jeung sajabana.
اَلَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّا اللّٰهَ ۗاِنَّنِيْ لَكُمْ مِّنْهُ نَذِيْرٌ وَّبَشِيْرٌۙ٢
Allā ta‘budū illallāh(a), innanī lakum minhu nażīruw wa basyīr(un).
[2]
Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Omat aranjeun ulah rék nyembah (naon baé) salian ti Allah. Sabenerna kuring (Muhammad) nu méré pépéling jeung méré pangbubungah ti Mantenna ka aranjeun.
وَّاَنِ اسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوْبُوْٓا اِلَيْهِ يُمَتِّعْكُمْ مَّتَاعًا حَسَنًا اِلٰٓى اَجَلٍ مُّسَمًّى وَّيُؤْتِ كُلَّ ذِيْ فَضْلٍ فَضْلَهٗ ۗوَاِنْ تَوَلَّوْا فَاِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ كَبِيْرٍ٣
Wa anistagfirū rabbakum ṡumma tūbū ilaihi yumatti‘kum matā‘an ḥasanan ilā ajalim musammaw wa yu'ti kulla żī faḍlin faḍlah(ū), wa in tawallau fa innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumin kabīr(in).
[3]
Aranjeun kudu ménta hampura ka Pangéran, terus kudu tobat ka Mantenna, tangtu Mantenna bakal maparin kasenangan anu hadé ka aranjeun (di dunya) nepi ka waktu anu geus ditangtukeun (maot), jeung Mantenna bakal maparin ganjarana-Na (jaga di ahérat) ka saban jalma anu migawé amal soléh. Upama aranjeun ngabalieur, nya sabenerna kuring hariwang boh bisi aranjeun (ditibanan) siksa dina poé nu agung (Kiamat).
اِلَى اللّٰهِ مَرْجِعُكُمْ ۚوَهُوَ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ٤
Ilallāhi marji‘ukum, wa huwa ‘alā kulli syai'in qadīr(un).
[4]
Mung ka Allah pangbalikan aranjeun, jeung Mantenna téh Mahakawasa kana sagala perkara.
اَلَآ اِنَّهُمْ يَثْنُوْنَ صُدُوْرَهُمْ لِيَسْتَخْفُوْا مِنْهُۗ اَلَا حِيْنَ يَسْتَغْشُوْنَ ثِيَابَهُمْ ۙيَعْلَمُ مَا يُسِرُّوْنَ وَمَا يُعْلِنُوْنَۚ اِنَّهٗ عَلِيْمٌ ۢ بِذَاتِ الصُّدُوْرِ ۔٥
Alā innahum yaṡnūna ṣudūrahum liyastakhfū minh(u), alā ḥīna yastagsyūna ṡiyābahum, ya‘lamu mā yusirrūna wa mā yu‘linūn(a), innahū ‘alīmum biżātiṣ-ṣudūr(i).
[5]
Sing inget yén sabenerna maranéhna nutupan (naon nu aya dina) dadana pikeun nyumputkeun diri ti Mantenna. Kudu inget waktu maranéhna nutupan awakna ku kaén, Allah mah uningaeun kana sagala anu ku maranéhna disumputkeun jeung nu ku maranéhna dinyatakeun. Saleresna Mantenna Mahauninga (sagala) eusina haté.
۞ وَمَا مِنْ دَاۤبَّةٍ فِى الْاَرْضِ اِلَّا عَلَى اللّٰهِ رِزْقُهَا وَيَعْلَمُ مُسْتَقَرَّهَا وَمُسْتَوْدَعَهَا ۗ كُلٌّ فِيْ كِتٰبٍ مُّبِيْنٍ٦
Wa mā min dābbatin fil-arḍi illā ‘alallāhi rizquhā wa ya‘lamu mustaqarrahā wa mustauda‘ahā, kullun fī kitābim mubīn(in).
[6]
Teu aya hiji ogé mahluk anu kumelendang di luhureun bumi, anging Allah anu ngarejekianana. Mantenna uninga tempat padumukanana jeung tempat pamatuhanana. 438 Sakabéhna (dicatet) dina Kitab anu nyata (Loh Mahpud).
438) Para ulama ahli tapsir kabagi kana dua kelompok. Aya nu nyarita yén “tempat cicing” di dieu dihartikeun alam dunya, sedengkeun “tempat pamatuhan” téh dihartikeun ahérat. Aya ogé anu nyarita yén “tempat cicing” téh maksudna tulang sulbi, sedengkeun “tempat pamatuhan” dihartikeun jero rahim.
وَهُوَ الَّذِيْ خَلَقَ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضَ فِيْ سِتَّةِ اَيَّامٍ وَّكَانَ عَرْشُهٗ عَلَى الْمَاۤءِ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلًا ۗوَلَىِٕنْ قُلْتَ اِنَّكُمْ مَّبْعُوْثُوْنَ مِنْۢ بَعْدِ الْمَوْتِ لَيَقُوْلَنَّ الَّذِيْنَ كَفَرُوْٓا اِنْ هٰذَٓا اِلَّا سِحْرٌ مُّبِيْنٌ٧
Wa huwal-lażī khalaqas-samāwāti wal-arḍa fī sittati ayyāmiw wa kāna ‘arsyuhū ‘alal-mā'i liyabluwakum ayyukum aḥsanu ‘amalā(n), wa la'in qulta innakum mab‘ūṡūna mim ba‘dil-mauti layaqūlannal-lażīna kafarū in hāżā illā siḥrum mubīn(un).
[7]
Mantenna anu nyiptakeun langit jeung bumi salila genep poé (mangsa), jeung (saméméhna) arsy-Na téh aya di luhureun cai. (Éta téh) sangkan Mantenna nguji aranjeun, saha ti antarana anu pangalus-alus amal. 439 Saenyana upami hidep (Muhammad) nyarita (ka pangeusi Mekah), “Saenyana aranjeun bakal dihudangkeun deui sanggeus maot,” tangtu jalma-jalma kapir bakal nyarita kieu, “Ieu (Al-Qur’an) mah teu aya lian iwal ti sihir anu nyata.”
439) Allah nyiptakeun langit jeung bumi keur tempat padumukan jalma, tempat Allah nguji saha nu panghadé-hadé amalna.
وَلَىِٕنْ اَخَّرْنَا عَنْهُمُ الْعَذَابَ اِلٰٓى اُمَّةٍ مَّعْدُوْدَةٍ لَّيَقُوْلُنَّ مَا يَحْبِسُهٗ ۗ اَلَا يَوْمَ يَأْتِيْهِمْ لَيْسَ مَصْرُوْفًا عَنْهُمْ وَحَاقَ بِهِمْ مَّا كَانُوْا بِهٖ يَسْتَهْزِءُوْنَ ࣖ٨
Wa la'in akhkharnā ‘anhumul-‘ażāba ilā ummatim ma‘dūdatil layaqūlunna mā yaḥbisuh(ū), alā yauma ya'tīhim laisa maṣrūfan ‘anhum wa ḥāqa bihim mā kānū bihī yastahzi'ūn(a).
[8]
Saenyana upama Kami nangguhkeun siksa ka maranéhna nepi ka mangsa anu ditangtukeun, tangtu maranéhna bakal ngomong kieu, “Naon anu ngahalanganana?” Sing inget kana mangsa datangna siksa ka maranéhna. Éta siksa téh moal bisa disingkahan. Maranéhna dikurung ku éta (siksa) anu tadina (keur di dunya mah) ku maranéhna sok diguguyonkeun.
وَلَىِٕنْ اَذَقْنَا الْاِنْسَانَ مِنَّا رَحْمَةً ثُمَّ نَزَعْنٰهَا مِنْهُۚ اِنَّهٗ لَيَـُٔوْسٌ كَفُوْرٌ٩
Wa la'in ażaqnal-insāna minnā raḥmatan ṡumma naza‘nāhā ‘anh(u), innahū laya'ūsun kafūr(un).
[9]
Saenyana upama Kami ngajadikeun manusa ngarasakeun rahmat (ni’mat) ti Kami, tuluy Kami nyabut deui éta rahmat, pasti maranéhna bener-bener bakal pegat pangharepan tur bakal pohara kupurna (kana ni’mat Allah).
وَلَىِٕنْ اَذَقْنٰهُ نَعْمَاۤءَ بَعْدَ ضَرَّاۤءَ مَسَّتْهُ لَيَقُوْلَنَّ ذَهَبَ السَّيِّاٰتُ عَنِّيْ ۗاِنَّهٗ لَفَرِحٌ فَخُوْرٌۙ١٠
Wa la'in ażaqnāhu na‘mā'a ba‘da ḍarrā'a massathu layaqūlanna żahabas-sayyi'ātu ‘annī, innahū lafariḥun fakhūr(un).
[10]
Saenyana upama Kami ngajadikeun manéhna (manusa) mgarasakeun ni’mat sanggeus bencana anu tumiba ka maranéhna, tangtu manéhna bener-bener bakal nyarita kieu, “Geus leungit éta bencana téh ti kuring.” Saenyana manéhna pohara gumbirana tur pohara gumedéna.
اِلَّا الَّذِيْنَ صَبَرُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِۗ اُولٰۤىِٕكَ لَهُمْ مَّغْفِرَةٌ وَّاَجْرٌ كَبِيْرٌ١١
Illal-lażīna ṣabarū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāt(i), ulā'ika lahum magfiratuw wa ajrun kabīr(un).
[11]
Anging jalma-jalma anu sabar jeung migawé amal soléh. Pikeun aranjeunna mah pangampura jeung ganjaran anu pohara gedéna.
فَلَعَلَّكَ تَارِكٌۢ بَعْضَ مَا يُوْحٰىٓ اِلَيْكَ وَضَاۤىِٕقٌۢ بِهٖ صَدْرُكَ اَنْ يَّقُوْلُوْا لَوْلَآ اُنْزِلَ عَلَيْهِ كَنْزٌ اَوْ جَاۤءَ مَعَهٗ مَلَكٌ ۗاِنَّمَآ اَنْتَ نَذِيْرٌ ۗ وَاللّٰهُ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ وَّكِيْلٌ ۗ١٢
Fa la‘allaka tārikum ba‘ḍa mā yūḥā ilaika wa ḍā'ikum bihī ṣadruka ay yaqūlū lau lā unzila ‘alaihi kanzun au jā'a ma‘ahū malak(un), innamā anta nażīr(un), wallāhu ‘alā kulli syai'in wakīl(un).
[12]
Bisa jadi hidep (Muhammad) seja ninggalkeun sabagian anu geus diwahyukeun ka hidep, ku kituna dada hidep ngarasa sesek, lantaran (sieun) maranéhna ngomong kieu, “Naha atuh henteu diturunkeun ka manéhna harta (kakayaan) atawa manéhna datang dibarengan ku Malaikat?'' Sabenerna hidep téh taya lian anging nu méré pépéling. Ari Allah téh anu miara sagala perkara.
اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰىهُ ۗقُلْ فَأْتُوْا بِعَشْرِ سُوَرٍ مِّثْلِهٖ مُفْتَرَيٰتٍ وَّادْعُوْا مَنِ اسْتَطَعْتُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ اِنْ كُنْتُمْ صٰدِقِيْنَ١٣
Am yaqūlūnaftarāh(u), qul fa'tū bi‘asyri suwarim miṡlihī muftarayātiw wad‘ū manistaṭa‘tum min dūnillāhi in kuntum ṣādiqīn(a).
[13]
Malah maranéhna ngomong kieu, “Manéhna (Muhammad) geus jijieunan kana éta (Al-Qur’an).” Caritakeun ku hidep, “(Lamun kitu mah,) pék atuh datangkeun sapuluh surat anu dijieun-jieun anu sarupa jeung Al-Qur'an, jeung pék sambat saha baé sakamampuh aranjeun (nyambatna) salian ti Allah, lamun aranjeun bener mah!”
فَاِلَّمْ يَسْتَجِيْبُوْا لَكُمْ فَاعْلَمُوْٓا اَنَّمَآ اُنْزِلَ بِعِلْمِ اللّٰهِ وَاَنْ لَّآ اِلٰهَ اِلَّا هُوَ ۚفَهَلْ اَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ١٤
Fa illam yastajībū lakum fa‘lamū annamā unzila bi‘ilmillāhi wa allā ilāha illā huw(a), fahal antum muslimūn(a).
[14]
Upama maranéhna (nu disambat) henteu nyumponan kana éta pangajak aranjeun, mangka caritakeun ku hidep, “Kanyahokeun saenyana éta (Al-Qur’an) téh bener-bener diturunkeun ku élmu Allah, jeung (kanyahokeun yén) teu aya pangéran salian ti Mantenna. Naha aranjeun daék sumerah diri (asup Islam)?”
مَنْ كَانَ يُرِيْدُ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَا وَزِيْنَتَهَا نُوَفِّ اِلَيْهِمْ اَعْمَالَهُمْ فِيْهَا وَهُمْ فِيْهَا لَا يُبْخَسُوْنَ١٥
Man kāna yurīdul-ḥayātad-dun-yā wa zīnatahā nuwaffi ilaihim a‘mālahum fīhā wa hum fīhā lā yubkhasūn(a).
[15]
Saha baé anu miharep kahirupan dunya jeung papaésna, tangtu Kami bakal méré (wawales) pagawéan maranéhna di ieu dunya kalayan sampurna tur maranéhna di ieu dunya moal rék dirugikeun.
اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ لَيْسَ لَهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ اِلَّا النَّارُ ۖوَحَبِطَ مَا صَنَعُوْا فِيْهَا وَبٰطِلٌ مَّا كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ١٦
Ulā'ikal-lażīna laisa lahum fil-ākhirati illan-nār(u), wa ḥabiṭa mā ṣana‘ū fīhā wa bāṭilum mā kānū ya‘malūn(a).
[16]
Éta téh jalma-jalma anu moal meunang naon-naon di ahérat salian naraka. Sia-sia sagala anu geus dipigawé ku maranéhna (di dunya) jeung mubadir sagala anu geus dipigawé ku maranéhna. 440
440) Naon baé nu geus dipigawé ku maranéhna moal aya ganjaranana engké di ahérat.
اَفَمَنْ كَانَ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّهٖ وَيَتْلُوْهُ شَاهِدٌ مِّنْهُ وَمِنْ قَبْلِهٖ كِتٰبُ مُوْسٰىٓ اِمَامًا وَّرَحْمَةًۗ اُولٰۤىِٕكَ يُؤْمِنُوْنَ بِهٖ ۗوَمَنْ يَّكْفُرْ بِهٖ مِنَ الْاَحْزَابِ فَالنَّارُ مَوْعِدُهٗ فَلَا تَكُ فِيْ مِرْيَةٍ مِّنْهُ اِنَّهُ الْحَقُّ مِنْ رَّبِّكَ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يُؤْمِنُوْنَ١٧
Afaman kāna ‘alā bayyinatim mir rabbihī wa yatlūhu syāhidum minhu wa min qablihī kitābu mūsā imāmaw wa raḥmah(tan), ulā'ika yu'minūna bih(ī), wa may yakfur bihī minal-aḥzābi fan-nāru mau‘iduhū falā taku fī miryatim minhu innahul-ḥaqqu mir rabbika wa lākinna akṡaran-nāsi lā yu'minūn(a).
[17]
Naha (jalma kapir nu miharep kahirupan dunya wungkul téh) sarua jeung jalma (mu’min) anu geus ngabogaan bukti anu nyata (Al-Qur’an) ti Pangéranana, anu dituturkeun deui ku hiji saksi 441 ti Allah, tur nu ti saméméhna ogé geus aya Kitab Musa anu jadi padoman jeung rahmat, tur anu aranjeunna iman kana éta Kitab? Saha baé jalma ti antara maranéhna (urang Qurésy) jeung sarékat-sarékatna anu ingkar kana Al-Qur'an, nya naraka pisan tempat nu diancamkeun. Ku sabab kitu, ulah mangmang deui kana Al-Qur’an. Sabenerna Al-Qur’an téh bener-bener ti Pangéran hidep, tapi kalobaana mah jalma téh henteu iman.
441) Aya ulama tapsir anu ngahartikeun “saksi” dina ayat ieu ku malaikat Jibril a.s. Aya ogé anu nyebutkeun yén “saksi” di dieu maksudna Al-Qur’an, sabab Al-Qur’an téh Kitab anu teu bisa dibantah atawa dibatalkeun.
وَمَنْ اَظْلَمُ مِمَّنِ افْتَرٰى عَلَى اللّٰهِ كَذِبًاۗ اُولٰۤىِٕكَ يُعْرَضُوْنَ عَلٰى رَبِّهِمْ وَيَقُوْلُ الْاَشْهَادُ هٰٓؤُلَاۤءِ الَّذِيْنَ كَذَبُوْا عَلٰى رَبِّهِمْۚ اَلَا لَعْنَةُ اللّٰهِ عَلَى الظّٰلِمِيْنَ ۙ١٨
Wa man aẓlamu mimmaniftarā ‘alallāhi każibā(n), ulā'ika yu‘raḍūna ‘alā rabbihim wa yaqūlul-asyhādu hā'ulā'il-lażīna każabū ‘alā rabbihim, alā la‘natullāhi ‘alaẓ-ẓālimīn(a).
[18]
Saha deui atuh nu leuwih dolim tibatan jalma anu nyieun-nyieun kabohongan ka Allah? Maranéhna bakal disinghareupkeun ka Pangéranana, tur para saksi 442 bakal nyarita, “Tah jalma-jalma ieu nu geus ngabohong ka Pangéranana téh.” Sing inget yén la'nat Allah téh ditibankeun ka jalma-jalma anu dolim,
442) Maksud “saksi” dina ieu ayat téh nyaéta para malaikat, para nabi, tur anggahota awak-awakna sorangan.
الَّذِيْنَ يَصُدُّوْنَ عَنْ سَبِيْلِ اللّٰهِ وَيَبْغُوْنَهَا عِوَجًاۗ وَهُمْ بِالْاٰخِرَةِ هُمْ كفِٰرُوْنَ١٩
Al-lażīna yaṣuddūna ‘an sabīlillāhi wa yabgūnahā ‘iwajā(n), wa hum bil-ākhirati hum kāfirūn(a).
[19]
(nyaéta) jalma-jalma nu ngahalang-halang (batur) tina jalan Allah jeung maranéhna miharep (sangkan) éta jalan béngkok. Maranéhna pisan anu ingkar kana ayana Poé Ahir
اُولٰۤىِٕكَ لَمْ يَكُوْنُوْا مُعْجِزِيْنَ فِى الْاَرْضِ وَمَا كَانَ لَهُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ اَوْلِيَاۤءَ ۘ يُضٰعَفُ لَهُمُ الْعَذَابُ ۗمَا كَانُوْا يَسْتَطِيْعُوْنَ السَّمْعَ وَمَا كَانُوْا يُبْصِرُوْنَ٢٠
Ulā'ika lam yakūnū mu‘jizīna fil-arḍi wa mā kāna lahum min dūnillāhi min auliyā'(a), yuḍā‘afu lahumul-‘ażāb(u), mā kānū yastaṭī‘ūnas-sam‘a wa mā kānū yubṣirūn(a).
[20]
Maranéhna téh teu mampu ngahalangan (siksa Allah) di ieu bumi, jeung sakali-kali moal aya anu nulungan maranéhna salian ti Allah. Éta siksa bakal ditikel-tikelkeun keur maranéhna (jaga di ahérat). Maranéhna teu mampu ngadéngé (pituduh) jeung teu bisa nénjo (kakawasaan Allah).
اُولٰۤىِٕكَ الَّذِيْنَ خَسِرُوْٓا اَنْفُسَهُمْ وَضَلَّ عَنْهُمْ مَّا كَانُوْا يَفْتَرُوْنَ٢١
Ulā'ikal-lażīna khasirū anfusahum wa ḍalla ‘anhum mā kānū yaftarūn(a).
[21]
Maranéhna téh jalma-jalma anu ngarugikeun dirina sorangan. Ku kituna, nya leungit naon anu ku maranéhna sok diaya-ayakeun téh.
لَاجَرَمَ اَنَّهُمْ فِى الْاٰخِرَةِ هُمُ الْاَخْسَرُوْنَ٢٢
Lā jarama annahum fil-ākhirati humul-akhsarūn(a).
[22]
Teu aya kamangmangan yén saenyana maranéhna (jaga) di ahérat jadi jalma-jalma anu pangrugi-rugina.
اِنَّ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَعَمِلُوا الصّٰلِحٰتِ وَاَخْبَتُوْٓا اِلٰى رَبِّهِمْۙ اُولٰۤىِٕكَ اَصْحٰبُ الْجَنَّةِۚ هُمْ فِيْهَا خٰلِدُوْنَ٢٣
Innal-lażīna āmanū wa ‘amiluṣ-ṣāliḥāti wa akhbatū ilā rabbihim, ulā'ika aṣḥābul-jannati hum fīhā khālidūn(a).
[23]
Saenyana jalma-jalma anu iman, migawé amal soléh, sarta handap asor ka Pangéranana, tah éta mah pangeusi sawarga. Maranéhna bakal lawas di dinyana.
۞ مَثَلُ الْفَرِيْقَيْنِ كَالْاَعْمٰى وَالْاَصَمِّ وَالْبَصِيْرِ وَالسَّمِيْعِۗ هَلْ يَسْتَوِيٰنِ مَثَلًا ۗ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ ࣖ٢٤
Maṡalul-farīqaini kal-a‘mā wal-aṣammi wal-baṣīri was-samī‘(i), hal yastawiyāni maṡalā(n), afalā tażakkarūn(a).
[24]
Paupamaan éta dua golongan téh (jalma kapir jeung jalma mu'min) saperti jalma anu lolong tur anu torék, jeung jalma anu ningali tur anu ngadéngé. Naha éta dua golongan téh sarua? Ku naon atuh maranéh teu nyokot atikan?
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا نُوْحًا اِلٰى قَوْمِهٖٓ اِنِّيْ لَكُمْ نَذِيْرٌ مُّبِيْنٌ ۙ٢٥
Wa laqad arsalnā nūḥan ilā qaumihī innī lakum nażīrum mubīn(un).
[25]
Saenyana Kami geus ngutus Nuh ka kaomna. (Anjeunna nyarios kieu), “Saenyana kuring nu méré pépéling anu nyata pikeun aranjeun saréréa.
اَنْ لَّا تَعْبُدُوْٓا اِلَّا اللّٰهَ ۖاِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ اَلِيْمٍ٢٦
Allā ta‘budū illallāh(a), innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumin alīm(in).
[26]
Sangkan aranjeun ulah nyembah iwal ka Allah. Saenyana kuring hariwang bisi aranjeun ditibanan siksa (dina) poé nu (sisana) kacida peurihna.”
فَقَالَ الْمَلَاُ الَّذِيْنَ كَفَرُوْا مِنْ قَوْمِهٖ مَا نَرٰىكَ اِلَّا بَشَرًا مِّثْلَنَا وَمَا نَرٰىكَ اتَّبَعَكَ اِلَّا الَّذِيْنَ هُمْ اَرَاذِلُنَا بَادِيَ الرَّأْيِۚ وَمَا نَرٰى لَكُمْ عَلَيْنَا مِنْ فَضْلٍۢ بَلْ نَظُنُّكُمْ كٰذِبِيْنَ٢٧
Fa qālal-mala'ul-lażīna kafarū min qaumihī mā narāka illā basyaram miṡlanā wa mā narākattaba‘aka illal-lażīna hum arāżilunā bādiyar-ra'y(i), wa mā narā lakum ‘alainā min faḍlim bal naẓunnukum kāżibīn(a).
[27]
Mangka, para gegedén anu kapir ti kaomna ngomong kieu, “Kuring saréréa henteu ningal anjeun, kajaba ngan saukur manusa (biasa) saperti kuring saréréa. Kuring saréréa henteu ningal ka nu ngilu ka anjeun téh kajaba jalma-jalma anu hina ti antara kuring saréréa, sarta anu sok gancang percaya. Kuring saréréa henteu ningal yén aranjeun boga kaleuwihan di luhureun kuring saréréa, malah kuring saréréa yakin yén aranjeun téh jalma-jalma anu bohong.”
قَالَ يٰقَوْمِ اَرَءَيْتُمْ اِنْ كُنْتُ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّيْ وَاٰتٰىنِيْ رَحْمَةً مِّنْ عِنْدِهٖ فَعُمِّيَتْ عَلَيْكُمْۗ اَنُلْزِمُكُمُوْهَا وَاَنْتُمْ لَهَا كٰرِهُوْنَ٢٨
Qāla yā qaumi ara'aitum in kuntu ‘alā bayyinatim mir rabbī wa ātānī raḥmatam min ‘indihī fa ‘ummiyat ‘alaikum, anulzimukumūhā wa antum lahā kārihūn(a).
[28]
Anjeunna (Nuh) nyarios. “Hé kaom kuring, kumaha pamadegan aranjeun upama kuring boga bukti nu nyata ti Pangéran, jeung kuring dipaparinan rahmat ti mungguhing Mantenna, tapi éta (rahmat) téh disamarkeun pikeun aranjeun. Naha kuring rék maksa aranjeun pikeun narimana, padahal aranjeun henteu misuka?”
وَيٰقَوْمِ لَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ مَالًاۗ اِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلَى اللّٰهِ وَمَآ اَنَا۠ بِطَارِدِ الَّذِيْنَ اٰمَنُوْاۗ اِنَّهُمْ مُّلٰقُوْا رَبِّهِمْ وَلٰكِنِّيْٓ اَرٰىكُمْ قَوْمًا تَجْهَلُوْنَ٢٩
Wa yā qaumi lā as'alukum ‘alaihi mālā(n), in ajriya illā ‘alallāhi wa mā ana biṭāridil-lażīna āmanū, innahum mulāqū rabbihim wa lākinnī arākum qauman tajhalūn(a).
[29]
(Anjeunna nyarios) kieu, “Hé kaom kuring, kuring henteu ménta harta banda (keur buruh) pangajak kuring ka aranjeun. Buruhan keur kuring mah ngan ti Allah. Kuring teu pisan-pisan rék ngusir jalma-jalma anu geus iman. Saenyana aranjeunna bakal papangggih jeung Pangéranana (di ahérat), tapi kuring nganggap aranjeun minangka kaom anu bodo.”
وَيٰقَوْمِ مَنْ يَّنْصُرُنِيْ مِنَ اللّٰهِ اِنْ طَرَدْتُّهُمْ ۗ اَفَلَا تَذَكَّرُوْنَ٣٠
Wa yā qaumi may yanṣurunī minallāhi in ṭarattuhum, afalā tażakkarūn(a).
[30]
(Anjeunna nyarita) kieu, “Hé kaom kuring, saha anu bakal nulungan ka kuring tina siksa (Allah), lamun kuring ngusir aranjeunna (jalma-jalma anu iman)? Naha maranéh téh teu nyokot atikan? 443
443) Kalimah anu diucapkeun ku Nabi Nuh a.s. sawaktu anjeunna didesek ku kaom kapir pikeun ngusir jalma-jama iman nu héngkér tur miskin.
وَلَآ اَقُوْلُ لَكُمْ عِنْدِيْ خَزَاۤىِٕنُ اللّٰهِ وَلَآ اَعْلَمُ الْغَيْبَ وَلَآ اَقُوْلُ اِنِّيْ مَلَكٌ وَّلَآ اَقُوْلُ لِلَّذِيْنَ تَزْدَرِيْٓ اَعْيُنُكُمْ لَنْ يُّؤْتِيَهُمُ اللّٰهُ خَيْرًا ۗ اَللّٰهُ اَعْلَمُ بِمَا فِيْٓ اَنْفُسِهِمْ ۚاِنِّيْٓ اِذًا لَّمِنَ الظّٰلِمِيْنَ٣١
Wa lā aqūlu lakum ‘indī khazā'inullāhi wa lā a‘lamul-gaiba wa lā aqūlu innī malakuw wa lā aqūlu lil-lażīna tazdarī a‘yunukum lay yu'tiyahumullāhu khairā(n), allāhu a‘lamu bimā fī anfusihim, innī iżal laminaẓ-ẓālimīn(a).
[31]
Kuring henteu nyarita ka aranjeun yén kuring téh boga pependeman (rejeki) ti Allah. Kuring mah henteu nyaho ka nu gaib. Kuring henteu ogé nyarita yén saenyana kuring téh malaikat. Kuring henteu ogé nyarita ka jalma-jalma anu dianggap hina ku paningali aranjeun yén Allah moal sakali-kali ngadatangkeun kahadéan ka maranéhna. Allah langkung uninga kana sagala anu aya dina diri maranéhna. Upama kuring kitu, tangtu kuring téh kaasup jalma-jalma anu dolim.”
قَالُوْا يٰنُوْحُ قَدْ جَادَلْتَنَا فَاَ كْثَرْتَ جِدَالَنَا فَأْتِنَا بِمَا تَعِدُنَآ اِنْ كُنْتَ مِنَ الصّٰدِقِيْنَ٣٢
Qālū yā nūḥu qad jādaltanā fa akṡarta jidālanā fa'tinā bimā ta‘idunā in kunta minaṣ-ṣādiqīn(a).
[32]
Maranéhna ngomong kieu, “Hé Nuh, saenyana anjeun geus ngabantah ka kuring saréréa sarta geus manjangkeun bantahan ka kuring saréréa. Ku kituna, sok atuh geura ngadatangkeun ka kuring saréréa siksaan anu geus diancamkeun upama anjeun kaasup jalma-jalma anu bener mah!
قَالَ اِنَّمَا يَأْتِيْكُمْ بِهِ اللّٰهُ اِنْ شَاۤءَ وَمَآ اَنْتُمْ بِمُعْجِزِيْنَ٣٣
Qāla innamā ya'tīkum bihillāhu in syā'a wa mā antum bimu‘jizīn(a).
[33]
Anjeunna ngawaler kieu, “Sabenerna mung Allah wungkul nu bakal ngadatangkeun siksa ka aranjeun lamun Mantenna ngersakeun. Aranjeun sama sakali moal bisa ngaleupaskeun diri (tina éta siksa).
وَلَا يَنْفَعُكُمْ نُصْحِيْٓ اِنْ اَرَدْتُّ اَنْ اَنْصَحَ لَكُمْ اِنْ كَانَ اللّٰهُ يُرِيْدُ اَنْ يُّغْوِيَكُمْ ۗهُوَ رَبُّكُمْ ۗوَاِلَيْهِ تُرْجَعُوْنَۗ٣٤
Wa lā yanfa‘ukum nuṣḥī in arattu an anṣaḥa lakum in kānallāhu yurīdu ay yugwiyakum, huwa rabbukum, wa ilaihi turja‘ūn(a).
[34]
Naséhat kuring moal aya mangpaatna keur aranjeun, sok sanajan kuring hayang nganaséhatan ka aranjeun, upami Allah ngersakeun badé nyasarkeun aranjeun. Mung Mantenna Pangéran aranjeun téh, jeung ka Mantenna aranjeun bakal dipulangkeun deui.”
اَمْ يَقُوْلُوْنَ افْتَرٰىهُۗ قُلْ اِنِ افْتَرَيْتُهٗ فَعَلَيَّ اِجْرَامِيْ وَاَنَا۠ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تُجْرِمُوْنَ ࣖ٣٥
Am yaqūlūnaftarāh(u), qul iniftaraituhū fa ‘alayya ijrāmī wa ana barī'um mimmā tujrimūn(a).
[35]
Malah, maranéhna (jalma-jalma kapir Mekah) ngomong kieu, “Manéhna ngan saukur jijieunan (Al-Qur’an).” Pék caritakeun ku hidep (Muhammad), “Upama kuring jijieunan (Al-Qur’an), nya kuring wungkul anu nanggung dosana ogé, tapi kuring bébas tina dosa anu dipigawé ku maranéh.”
وَاُوْحِيَ اِلٰى نُوْحٍ اَنَّهٗ لَنْ يُّؤْمِنَ مِنْ قَوْمِكَ اِلَّا مَنْ قَدْ اٰمَنَ فَلَا تَبْتَىِٕسْ بِمَا كَانُوْا يَفْعَلُوْنَۖ٣٦
Wa ūḥiya ilā nūḥin annahū lay yu'mina min qaumika illā man qad āmana falā tabta'is bimā kānū yaf‘alūn(a).
[36]
Diwahyukeun ka Nuh, “Saenyana moal pisan-pisan rék iman ti kaom anjeun, kajaba jalma anu geus bener-bener iman. Ku kituna, omat anjeun ulah rék sedih ku perkara anu terus-terusan dipigawé ku maranéhna.
وَاصْنَعِ الْفُلْكَ بِاَعْيُنِنَا وَوَحْيِنَا وَلَا تُخَاطِبْنِيْ فِى الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا ۚاِنَّهُمْ مُّغْرَقُوْنَ٣٧
Waṣna‘il-fulka bi'a‘yuninā wa waḥyinā wa lā tukhāṭibnī fil-lażīna ẓalamū, innahum mugraqūn(a).
[37]
Geura nyieun parahu kalayan panalingaan jeung pituduh wahyu Kami, jeung omat anjeun ulah rék nyarita deui jeung Kami ngeunaan jalma-jalma anu dolim, lantaran saenyana maranéhna téh bakal diteuleumkeun.”
وَيَصْنَعُ الْفُلْكَۗ وَكُلَّمَا مَرَّ عَلَيْهِ مَلَاٌ مِّنْ قَوْمِهٖ سَخِرُوْا مِنْهُ ۗقَالَ اِنْ تَسْخَرُوْا مِنَّا فَاِنَّا نَسْخَرُ مِنْكُمْ كَمَا تَسْخَرُوْنَۗ٣٨
Wa yaṣna‘ul-fulk(a), wa kullamā marra ‘alaihi mala'um min qaumihī sakhirū minh(u), qāla in taskharū minnā fa innā naskharu minkum kamā taskharūn(a).
[38]
Nya prak baé anjeunna (Nuh) téh ngamimitian ngadamel parahu. Saban-saban gegedén ti kaomna ngaliwat ka anjeunna, maranéhna ngageuhgeuykeun ka anjeunna. Anjeunna ngawaler kieu, “Lamun aranjeun ngageuhgeuykeun ka kuring saréréa, saenyana kuring saréréa (ogé) bakal ngageuhgeuykeun ka aranjeun jiga aranjeun ngageuhgeuykeun (kuring saréréa).
فَسَوْفَ تَعْلَمُوْنَۙ مَنْ يَّأْتِيْهِ عَذَابٌ يُّخْزِيْهِ وَيَحِلُّ عَلَيْهِ عَذَابٌ مُّقِيْمٌ٣٩
Fa saufa ta‘lamūn(a), may ya'tīhi ‘ażābuy yukhzīhi wa yaḥillu ‘alaihi ‘ażābum muqīm(un).
[39]
Mangka, engké aranjeun bakal nyaho saha (ti antara urang saréréa) nu bakal ditibanan siksa anu ngahinakeun, jeung (saha) nu bakal ditibanan siksaan anu langgeng.”
حَتّٰىٓ اِذَا جَاۤءَ اَمْرُنَا وَفَارَ التَّنُّوْرُۙ قُلْنَا احْمِلْ فِيْهَا مِنْ كُلٍّ زَوْجَيْنِ اثْنَيْنِ وَاَهْلَكَ اِلَّا مَنْ سَبَقَ عَلَيْهِ الْقَوْلُ وَمَنْ اٰمَنَ ۗوَمَآ اٰمَنَ مَعَهٗٓ اِلَّا قَلِيْلٌ٤٠
Ḥattā iżā jā'a amrunā wafārat-tannūr(u), qulnaḥmil fīhā min kullin zaujainiṡnaini wa ahlaka illā man sabaqa ‘alaihil-qaulu wa man āman(a), wa mā āmana ma‘ahū illā qalīl(un).
[40]
Nepi ka waktu paréntah Kami (keur ngabinasakeun maranéhna) datang, jeung tanur (tungku) geus mancerkeun cai, 444 Kami ngadawuh kieu ka anjeunna (Nuh), “Geura asupkeun kana parahu sakabéh sasatoan sajodo-sajodo jeung kulawarga anjeun, kajaba jalma-jalma anu geus kakeunaan katetapan ti heula (bakal cilaka). Taékeun ogé jalma-jalma anu iman.” Teu aya nu iman sasarengan anjeunna téh anging saeutik pisan.
444) Nu dimaksud “tanur” dina ieu ayat nyaéta bagian beungeut bumi nu mancerkeun atawa ngaluarkeun cai nu ngalantarankeun datangna angin topan.
۞ وَقَالَ ارْكَبُوْا فِيْهَا بِسْمِ اللّٰهِ مَجْرٰ۪ىهَا وَمُرْسٰىهَا ۗاِنَّ رَبِّيْ لَغَفُوْرٌ رَّحِيْمٌ٤١
Wa qālarkabū fīhā bismillāhi majrêhā wa mursāhā, inna rabbī lagafūrur raḥīm(un).
[41]
Anjeunna (Nuh) nyarios kieu, “Pék geura naraék kana ieu (parahu) kalayan (nyebat) jenengan Allah, dina waktu balayarna jeung waktu balabuhna. Saleresna Pangéran kuring téh leres-leres Maha Jembar-pangampura (tur) Mahaasih.”
وَهِيَ تَجْرِيْ بِهِمْ فِيْ مَوْجٍ كَالْجِبَالِۗ وَنَادٰى نُوْحُ ِۨابْنَهٗ وَكَانَ فِيْ مَعْزِلٍ يّٰبُنَيَّ ارْكَبْ مَّعَنَا وَلَا تَكُنْ مَّعَ الْكٰفِرِيْنَ٤٢
Wa hiya tajrī bihim fī maujin kal-jibāl(i), wa nādā nūḥunibnahū wa kāna fī ma‘ziliy yā bunayyarkam ma‘anā wa lā takum ma‘al-kāfirīn(a).
[42]
Éta parahu téh lalayaran mawa aranjeunna dina gelombang ombak saperti gunung-gunung. Anjeunna (Nuh) nyauran putrana, 445 sedengkeun putrana téh aya di tempat (jauh) anu mencil, “Hé anaking, geura tumpak kana ieu (parahu) jeung urang saréréa. Omat ulah babarengan jeung jalma-jalma kapir!”
445) Ngaranna nyaéta Qan’an. Putra-putrana Nabi Nuh nu iman anu asup kana parahu téh nyaéta Sam, Ham, jeung Japis.
قَالَ سَاٰوِيْٓ اِلٰى جَبَلٍ يَّعْصِمُنِيْ مِنَ الْمَاۤءِ ۗقَالَ لَا عَاصِمَ الْيَوْمَ مِنْ اَمْرِ اللّٰهِ اِلَّا مَنْ رَّحِمَ ۚوَحَالَ بَيْنَهُمَا الْمَوْجُ فَكَانَ مِنَ الْمُغْرَقِيْنَ٤٣
Qāla sa'āwī ilā jabaliy ya‘ṣimunī minal-mā'(i), qāla lā ‘āṣimal-yauma min amrillāhi illā ma raḥim(a), wa ḥāla bainahumal-mauju fa kāna minal-mugraqīn(a).
[43]
Putrana ngajawab kieu, “Abdi mah rék néangan panyalindungan ka gunung anu bakal nyalametkeun abdi tina cai (nu rongkah).” (Nuh) nyarios kieu, “Moal aya anu bisa luput dina poé ieu tina katangtuan (siksaan) Allah, anging anu dirahmatan ku Mantenna.” Gelombang ombak jadi panghalang antara Nuh jeung putrana, mangka putrana téh ka asup jalma anu diteuleumkeun.
وَقِيْلَ يٰٓاَرْضُ ابْلَعِيْ مَاۤءَكِ وَيٰسَمَاۤءُ اَقْلِعِيْ وَغِيْضَ الْمَاۤءُ وَقُضِيَ الْاَمْرُ وَاسْتَوَتْ عَلَى الْجُوْدِيِّ وَقِيْلَ بُعْدًا لِّلْقَوْمِ الظّٰلِمِيْنَ٤٤
Wa qīla yā arḍubla‘ī mā'aki wa yā samā'u aqli‘ī wa gīḍal-mā'u wa quḍiyal-amru wastawat ‘alal-jūdiyyi wa qīla bu‘dal lil-qaumiẓ-ẓālimīn(a).
[44]
Didawuhkeun (ku Allah), “Hé bumi, geura teureuy cai manéh! Hé langit, geura raat (nurunkeun cai hujan)!” Atuh éta hujan téh raat; Urusan (ngabinasakeun jalma-jalma nu doraka) ogé diréngsékeun; 446 jeung éta (parahu) geus balabuh di luhur gunung Judiy. 447 Didawuhkeun (ku Allah), “Kabinasaan pikeun kaom anu dolim.”
446) Allah parantos nedunan jangji-Na ka Nabi Nuh a.s. pikeun ngibinasakeun kaomna anu teu iman (kapir), tur nyalametkeun anu ariman
447) Gunung Judiy aya di wewengkon Arménia di beulah kulon, adek jeung nagri Mesopotamia.
وَنَادٰى نُوْحٌ رَّبَّهٗ فَقَالَ رَبِّ اِنَّ ابْنِيْ مِنْ اَهْلِيْۚ وَاِنَّ وَعْدَكَ الْحَقُّ وَاَنْتَ اَحْكَمُ الْحٰكِمِيْنَ٤٥
Wa nādā nūḥur rabbahū fa qāla rabbi innabnī min ahlī, wa inna wa‘dakal-ḥaqqu wa anta aḥkamul-ḥākimīn(a).
[45]
Lajeng anjeunna (Nuh) meredih ka Pangéranana, bari nyarios kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna pun anak téh kalebet kulawargi abdi, sareng saleresna jangji Gusti téh leres pisan. Gusti téh hakim anu pangadil-adilna.”
قَالَ يٰنُوْحُ اِنَّهٗ لَيْسَ مِنْ اَهْلِكَ ۚاِنَّهٗ عَمَلٌ غَيْرُ صَالِحٍ فَلَا تَسْـَٔلْنِ مَا لَيْسَ لَكَ بِهٖ عِلْمٌ ۗاِنِّيْٓ اَعِظُكَ اَنْ تَكُوْنَ مِنَ الْجٰهِلِيْنَ٤٦
Qāla yā nūḥu innahū laisa min ahlik(a), innahū ‘amalun gairu ṣāliḥ(in), falā tas'alnī mā laisa laka bihī ‘ilm(un), innī a‘iẓuka an takūna minal-jāhilīn(a).
[46]
Mantenna (Allah) ngadawuh, “Hé Nuh, saenyana manéhna téh lain kulawarga anjeun (nu geus dijangjikeun rék disalametkeun), sabab pagawéan manéhna téh bener-bener teu hadé. 448 Ku sabab kitu, ulah meredih ka Kami tina sagala anu ku anjeun teu dipikanyaho (hakékatna). Sabenerna Kami geus nganaséhatan ka anjeun sangkan ulah kaasup jalma-jalma anu bodo.”
448) Sabagian ahli tapsir nyebutkeun yén nu dimaksad “milampah nu teu hadé” téh nyaéta panggero Nabi Nuh ka Allah supaya anakna dibébaskeun tina marabahaya.
قَالَ رَبِّ اِنِّيْٓ اَعُوْذُ بِكَ اَنْ اَسْـَٔلَكَ مَا لَيْسَ لِيْ بِهٖ عِلْمٌ ۗوَاِلَّا تَغْفِرْ لِيْ وَتَرْحَمْنِيْٓ اَكُنْ مِّنَ الْخٰسِرِيْنَ٤٧
Qāla rabbi innī a‘ūżu bika an as'alaka mā laisa lī bihī ‘ilm(un), wa illā tagfir lī wa tarḥamnī akum minal-khāsirīn(a).
[47]
Anjeunna (Nuh) nyarios kieu, “Nun Gusti Pangéran abdi, saleresna abdi nyalindung ka Gusti tina nyuhunkeun pitulung ka Gusti ngeunaan perkara anu abdi nyalira henteu terang (kana hakékatna). Upami Gusti henteu ngahapunten ka abdi jeung teu mikawelas ka abdi, tangtos abdi téh kalebet jalma-jalma anu rugi.”
قِيْلَ يٰنُوْحُ اهْبِطْ بِسَلٰمٍ مِّنَّا وَبَرَكٰتٍ عَلَيْكَ وَعَلٰٓى اُمَمٍ مِّمَّنْ مَّعَكَ ۗوَاُمَمٌ سَنُمَتِّعُهُمْ ثُمَّ يَمَسُّهُمْ مِّنَّا عَذَابٌ اَلِيْمٌ٤٨
Qīla yā nūḥuhbiṭ bisalāmim minnā wa barakātin ‘alaika wa ‘alā umamim mimmam ma‘ak(a), wa umamun sanumatti‘uhum ṡumma yamassuhum minnā ‘ażābun alīm(un).
[48]
Didawuhkeun (ngalangkungan wahyu), “Hé Nuh, geura turun (tina parahu hidep) kalayan pinuh kasalametan jeung pinuh kaberkahan ti Kami ka hidep jeung ka umat-umat (mu’min) anu babarengan jeung hidep. Aya ogé umat-umat (kapir) anu dibéré kani’matan (hirup di dunya) ku Kami, tuluy maranéhna téh bakal ditibanan siksaan anu kacida nyerina ti Kami.”
تِلْكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ الْغَيْبِ نُوْحِيْهَآ اِلَيْكَ ۚمَا كُنْتَ تَعْلَمُهَآ اَنْتَ وَلَا قَوْمُكَ مِنْ قَبْلِ هٰذَاۚ فَاصْبِرْۚ اِنَّ الْعَاقِبَةَ لِلْمُتَّقِيْنَ ࣖ٤٩
Tilka min ambā'il-gaibi nūḥīhā ilaik(a), mā kunta ta‘lamuhā anta wa lā qaumuka min qabli hāżā, faṣbir, innal-‘āqibata lil-muttaqīn(a).
[49]
Tah éta téh sabagian béja gaib anu diwahyukeun ku Kami ka hidep (Muhammad), anu can kungsi dipikanyaho ku hidep jeung ku kaom hidep saméméhna. Ku kituna, hidep kudu sabar. Saenyana akibat (anu hadé) téh nyaéta pikeun jalma-jalma anu takwa.
وَاِلٰى عَادٍ اَخَاهُمْ هُوْدًا ۗقَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗ ۗاِنْ اَنْتُمْ اِلَّا مُفْتَرُوْنَ٥٠
Wa ilā ‘ādin akhāhum hūdā(n), qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), in antum illā muftarūn(a).
[50]
Ka kaom Ad (Kami ngutus) dulur maranéhna, nyaéta Hud. Anjeunna nyarios kieu, “Hé kaom kuring, geura sembah Allah! Sama sakali teu aya Pangéran pikeun aranjeun salian ti Mantenna. (Salila ieu) aranjeun mah ngan saukur ngaaya-aya wungkul (ku jalan nyarékatkeun Allah).
يٰقَوْمِ لَآ اَسْـَٔلُكُمْ عَلَيْهِ اَجْرًا ۗاِنْ اَجْرِيَ اِلَّا عَلَى الَّذِيْ فَطَرَنِيْ ۗ اَفَلَا تَعْقِلُوْنَ٥١
Yā qaumi lā as'alukum ‘alaihi ajrā(n), in ajriya illā ‘alal-lażī faṭaranī, afalā ta‘qilūn(a).
[51]
(Hud nyarios,) “Hé kaom kuring, kuring mah teu ménta buruh (saeutik ogé) ka aranjeun dina nganepikeun ieu (pangajak). Buruh keur kuring mah ngan ukur ti Allah anu geus nyiptakeun kuring. Naha aranjeun teu ngagunakeun akal?
وَيٰقَوْمِ اسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوْبُوْٓا اِلَيْهِ يُرْسِلِ السَّمَاۤءَ عَلَيْكُمْ مِّدْرَارًا وَّيَزِدْكُمْ قُوَّةً اِلٰى قُوَّتِكُمْ وَلَا تَتَوَلَّوْا مُجْرِمِيْنَ٥٢
Wa yā qaumistagfirū rabbakum ṡumma tūbū ilaihi yursilis-samā'a ‘alaikum midrāraw wa yazidkum quwwatan ilā quwwatikum wa lā tatawallau mujrimīn(a).
[52]
(Hud nyarios deui,) “Hé kaom kuring, geura ménta panghampura ka Pangéran aranjeun, tuluy geura tobat ka Mantenna, tangtu Mantenna bakal nurunkeun hujan anu ngagebrét ka aranjen jeung nambahan kakuatan anu ngaleuwihan kakuatan aranjeun. Omat ulah ngabalieur jadi jalma-jalma nu migawé dosa!”
قَالُوْا يٰهُوْدُ مَاجِئْتَنَا بِبَيِّنَةٍ وَّمَا نَحْنُ بِتَارِكِيْٓ اٰلِهَتِنَا عَنْ قَوْلِكَ وَمَا نَحْنُ لَكَ بِمُؤْمِنِيْنَ٥٣
Qālū yā hūdu mā ji'tanā bibayyinatiw wa mā naḥnu bitārikī ālihatinā ‘an qaulika wa mā naḥnu laka bimu'minīn(a).
[53]
Maranéhna (Kaom Ad) ngajawab kieu, “Hé Hud, anjeun teu mawa hiji bukti anu nyata ka kuring saréréa. Kuring saréréa moal pisan ninggalkeun sasembahan ku sabab caritaan anjeun. Malah kuring saréréa moal pisan percaya ka anjeun.
اِنْ نَّقُوْلُ اِلَّا اعْتَرٰىكَ بَعْضُ اٰلِهَتِنَا بِسُوْۤءٍ ۗقَالَ اِنِّيْٓ اُشْهِدُ اللّٰهَ وَاشْهَدُوْٓا اَنِّيْ بَرِيْۤءٌ مِّمَّا تُشْرِكُوْنَ٥٤
In naqūlu illa‘tarāka ba‘ḍu ālihatinā bisū'(in), qāla innī usyhidullāha wasyhadū annī barī'um mimmā tusyrikūn(a).
[54]
Kuring saréréa ngan nyarita yén sabagian sasembahan kuring saréréa geus nibankeun panyakit gélo ka anjeun.” Anjeunna (Hud) ngawaler kieu, “Saenyana kuring ngajadikeun Allah minangka saksi keur kuring. Pék saksikeun ku aranjeun yén saenyana kuring mah bébas tina perkara anu disarékatkeun ku aranjeun
مِنْ دُوْنِهٖ فَكِيْدُوْنِيْ جَمِيْعًا ثُمَّ لَا تُنْظِرُوْنِ٥٥
Min dūnihī fa kīdūnī jamī‘an ṡumma lā tunẓirūn(i).
[55]
jeung (sesembahan-sesembahan) salian ti Mantenna. Ku kituna, pék geura jalankeun sakabéh tipu daya aranjeun ka kuring, jeung ulah diengkékeun deui.
اِنِّيْ تَوَكَّلْتُ عَلَى اللّٰهِ رَبِّيْ وَرَبِّكُمْ ۗمَا مِنْ دَاۤبَّةٍ اِلَّا هُوَ اٰخِذٌۢ بِنَاصِيَتِهَا ۗاِنَّ رَبِّيْ عَلٰى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمٍ٥٦
Innī tawakkaltu ‘alallāhi rabbī wa rabbikum, mā min dābbatin illā huwa ākhiżum bināṣiyatihā, inna rabbī ‘alā ṣirāṭim mustaqīm(in).
[56]
Saenyana kuring sumerah diri ka Allah Pangéran kuring jeung Pangéran aranjeun. Teu aya hiji mahluk ogé nu kumarayap (di luhureun bumi) anging Mantenna anu nyepeng emun-emunna (nu ngawasaan). Saleresna Pangéran kuring aya dina jalan anu lempeng (adil).
فَاِنْ تَوَلَّوْا فَقَدْ اَبْلَغْتُكُمْ مَّآ اُرْسِلْتُ بِهٖٓ اِلَيْكُمْ ۗوَيَسْتَخْلِفُ رَبِّيْ قَوْمًا غَيْرَكُمْۗ وَلَا تَضُرُّوْنَهٗ شَيْـًٔا ۗاِنَّ رَبِّيْ عَلٰى كُلِّ شَيْءٍ حَفِيْظٌ٥٧
Fa in tawallau faqad ablagtukum mā ursiltu bihī ilaikum, wa yastakhlifu rabbī qauman gairakum, wa lā taḍurrūnahū syai'ā(n), inna rabbī ‘alā kulli syai'in ḥafīẓ(un).
[57]
Ku kituna, upama aranjeun ngabalieur, saenyana kuring mah geus nepikeun ka aranjeun naon nu geus jadi tugas kuring minangka rasul pikeun aranjeun. Pangéran kuring bakal ngaganti aranjeun ku kaom anu séjén, jeung aranjeun moal bisa saeutik ogé ngamadaratkeun ka Mantenna. Saleresna Pangéran kuring mah Maha Miara kana sagala perkara.”
وَلَمَّا جَاۤءَ اَمْرُنَا نَجَّيْنَا هُوْدًا وَّالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ بِرَحْمَةٍ مِّنَّاۚ وَنَجَّيْنٰهُمْ مِّنْ عَذَابٍ غَلِيْظٍ٥٨
Wa lammā jā'a amrunā najjainā hūdaw wal-lażīna āmanū ma‘ahū biraḥmatim minnā, wa najjaināhum min ‘ażābin galīẓ(in).
[58]
Nalika siksa Kami datang, Kami nyalametkeun Hud jeung jalma-jalma anu iman babarengan jeung anjeunna, ku rahmat ti Kami. Kami nyalametkeun (ogé) aranjeunna (di ahérat) tina siksaan anu kacida rongkahna.
وَتِلْكَ عَادٌ ۖجَحَدُوْا بِاٰيٰتِ رَبِّهِمْ وَعَصَوْا رُسُلَهٗ وَاتَّبَعُوْٓا اَمْرَ كُلِّ جَبَّارٍ عَنِيْدٍ٥٩
Wa tilka ‘ādun jaḥadū bi'āyāti rabbihim wa ‘aṣau rusulahū wattaba‘ū amra kulli jabbārin ‘anīd(in).
[59]
Éta téh (kisah) kaom Ad anu ingkar kana tanda-tanda (kakawasaan) Pangéran maranéhna, anu doraka ka para rasul Allah, jeung anu nurut kana paréntah pangawasa anu sawenang-wenang tur wangkelang.
وَاُتْبِعُوْا فِيْ هٰذِهِ الدُّنْيَا لَعْنَةً وَّيَوْمَ الْقِيٰمَةِ ۗ اَلَآ اِنَّ عَادًا كَفَرُوْا رَبَّهُمْ ۗ اَلَا بُعْدًا لِّعَادٍ قَوْمِ هُوْدٍ ࣖ٦٠
Wa utbi‘ū fī hażihid-dun-yā la‘nataw wa yaumal-qiyāmah(ti), alā inna ‘ādan kafarū rabbahum, alā bu‘dal li‘ādin qaumi hūd(in).
[60]
Maranéhna salawasna dituturkeun ku la’nat di dunya jeung (kitu deui) dina Poé Kiamat. Sing inget yén saenyana kaom Ad téh geus kapir ka Pangéranana. Sing inget ogé yén kaom Ad (nyaéta) kaom Hud téh bener-bener geus binasa.
۞ وَاِلٰى ثَمُوْدَ اَخَاهُمْ صٰلِحًا ۘ قَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗ ۗهُوَ اَنْشَاَكُمْ مِّنَ الْاَرْضِ وَاسْتَعْمَرَكُمْ فِيْهَا فَاسْتَغْفِرُوْهُ ثُمَّ تُوْبُوْٓا اِلَيْهِ ۗاِنَّ رَبِّيْ قَرِيْبٌ مُّجِيْبٌ٦١
Wa ilā ṡamūda akhāhum ṣālihā(n), qāla yā qaumi‘budullāḥa mā lakum min ilāhin gairuh(ū), huwa ansya'akum minal-arḍi wasta‘marakum fīhā fastagfirūhu ṡumma tūbū ilaih(i), inna rabbī qarībum mujīb(un).
[61]
Ka Kaom Samud (Kami ngutus) dulur hidep, (nyaéta) Soléh. Anjeunna nyarios kieu, “Hé kaom kuring, pék geura nyembah ka Allah! Teu aya deui Pangéran salian ti Mantenna. Mantenna anu nyiptakeun aranjeun tina bumi (taneuh) jeung anu ngajadikeun aranjeun nu ngama’murkeunana. 449 Ku sabab kitu, geura marénta panghampura ka Mantenna, tuluy tarobat deui ka Mantenna! Saleresna Pangéran kuring téh caket pisan (rahmat-Na) (tur) Maha Ngabulkeun (doa hamba-hamba-Na).”
449) Maksudna: Manusa diciptakeun ku Allah pikeun ngama’murkeun alam dunya.
قَالُوْا يٰصٰلِحُ قَدْ كُنْتَ فِيْنَا مَرْجُوًّا قَبْلَ هٰذَآ اَتَنْهٰىنَآ اَنْ نَّعْبُدَ مَا يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُنَا وَاِنَّنَا لَفِيْ شَكٍّ مِّمَّا تَدْعُوْنَآ اِلَيْهِ مُرِيْبٍ٦٢
Qālū yā ṣāliḥu qad kunta fīnā marjuwwan qabla hāżā atanhānā an na‘buda mā ya‘budu ābā'unā wa innanā lafī syakkim mimmā tad‘ūnā ilaihi murīb(in).
[62]
Maranéhna (Kaom Samud) ngomong kieu, “Hé Soléh, saméméh ieu anjeun téh bener-bener diharepkeun ku kuring saréréa. Naha (ayeuna) anjeun téh bet nyegah ka kuring sarérea pikeun nyembah naon nu salila ieu disembah ku karuhun kuring saréréa? Sabenerna kuring saréréa téh bener-bener aya dina kamangmangan anu ngaguligahkeun ngeunaan naon (agama) anu dibéwarakeun ku anjeun ka kuring saréréa.”
قَالَ يٰقَوْمِ اَرَءَيْتُمْ اِنْ كُنْتُ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّيْۗ وَاٰتٰىنِيْ مِنْهُ رَحْمَةً فَمَنْ يَّنْصُرُنِيْ مِنَ اللّٰهِ اِنْ عَصَيْتُهٗ ۗفَمَا تَزِيْدُوْنَنِيْ غَيْرَ تَخْسِيْرٍ٦٣
Qāla yā qaumi ara'aitum in kuntu ‘alā bayyinatim mir rabbī, wa ātānī minhu raḥmatan famay yanṣurunī minallāhi in ‘aṣaituh(ū), famā tazīdūnanī gaira takhsīr(in).
[63]
Anjeunna (Soléh) ngawaler, “Hé kaom kuring, pék jelaskeun pamadegan aranjeun upama kuring boga bukti anu nyata ti Pangéran kuring jeung Mantenna maparin rahmat (kanabian) ka kuring. Saha jalmana anu bisa nulungan kuring tina (siksa) Allah upama kuring doraka ka Mantenna? Aranjeun mah henteu nambah naon-naon ka kuring téh iwal ti karugian.
وَيٰقَوْمِ هٰذِهٖ نَاقَةُ اللّٰهِ لَكُمْ اٰيَةً فَذَرُوْهَا تَأْكُلْ فِيْٓ اَرْضِ اللّٰهِ وَلَا تَمَسُّوْهَا بِسُوْۤءٍ فَيَأْخُذَكُمْ عَذَابٌ قَرِيْبٌ٦٤
Wa yā qaumi hāżihī nāqatullāhi lakum āyatan fa żarūhā ta'kul fī arḍillāhi wa lā tamassūhā bisū'in fa ya'khużakum ‘ażābun qarīb(un).
[64]
Hé kaom kuring, ieu onta bikang ti Allah mangrupakeun mujijat keur aranjeun. Ku sabab kitu, antep ieu onta téh sina nyatu di bumi Allah, jeung omat ulah ngaganggu kana éta (onta), nu bakal nyebabkeun aranjeun geura ditibanan (siksaan).”
فَعَقَرُوْهَا فَقَالَ تَمَتَّعُوْا فِيْ دَارِكُمْ ثَلٰثَةَ اَيَّامٍ ۗذٰلِكَ وَعْدٌ غَيْرُ مَكْذُوْبٍ٦٥
Fa ‘aqarūhā fa qāla tamatta‘ū fī dārikum ṡalāṡata ayyām(in), żālika wa‘dun gairu makżūb(in).
[65]
Maranéhna tuluy meuncit éta onta. Ku kituna, anjeunna (Soléh) nyarita kieu, “Geura saruka-bungah di imah-imah aranjeun salila tilu poé. 450 Éta téh jangji anu moal bisa dibohongkeun deui.”
450) Pagawéan maranéhna ngarogahala onta éta ngarempak cegahan ti Nabi Soléh. Ku sabab kitu, Allah nibankeun ka maranéhna hukuman jeung ngabates hirup maranéhna ngan tilu poé deui. Ieu téh mangrupakeun guguyon jeung hinaan ti Allah pikeun maranéhna. Maranéhna dititah suka-bungah dina mangsa tilu poé.
فَلَمَّا جَاۤءَ اَمْرُنَا نَجَّيْنَا صٰلِحًا وَّالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ بِرَحْمَةٍ مِّنَّا وَمِنْ خِزْيِ يَوْمِىِٕذٍ ۗاِنَّ رَبَّكَ هُوَ الْقَوِيُّ الْعَزِيْزُ٦٦
Falammā jā'a amrunā najjainā ṣāliḥaw wal-lażīna āmanū ma‘ahū biraḥmatim minnā wa min khizyi yaumi'iż(in), inna rabbaka huwal-qawiyyul-‘ażīz(u).
[66]
Nalika kaputusan (siksa) Kami tumiba, Kami nyalametkeun Soléh jeung jalma-jalma nu iman sarta babarengan jeung anjeunna (tina kabinasaan) kalayan rahmat Kami, jeung (Kami nyalametkeun ogé) tina kahinaan dina éta poé. Saleresna Pangéran anjeun téh nya Mantenna pisan Nu Mahakuat (tur) Mahaperkasa.
وَاَخَذَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوا الصَّيْحَةُ فَاَصْبَحُوْا فِيْ دِيَارِهِمْ جٰثِمِيْنَۙ٦٧
Wa akhażal-lażīna ẓalamuṣ-ṣaiḥatu fa aṣbaḥū fī dārihim jāṡimīn(a).
[67]
Sora anu ngageleleger ogé nibanan ka éta jalma-jalma anu dolim, nepi ka maranéhna paéh pating golépak di imahna masing-masing.
كَاَنْ لَّمْ يَغْنَوْا فِيْهَا ۗ اَلَآ اِنَّ ثَمُوْدَا۟ كَفَرُوْا رَبَّهُمْ ۗ اَلَا بُعْدًا لِّثَمُوْدَ ࣖ٦٨
Ka allam yagnau fīhā, alā inna ṡamūda kafarū rabbahum, alā bu‘dal liṡamūd(a).
[68]
(Éta nagri teu aya tapakan sama sakali) saolah-olah maranéhna téh can kungsi matuh cicing di dinya. 451 Sing inget yén sabenerna kaom Samud téh geus ingkar ka Pangéranana. Sing inget ogé yén kaom Samud téh geus binasa.
451) Nya jiga kitu téréhna maranéhna dibinasakeun ku éta sora nu ngageleger, nepi ka maranéhna ancur lebur taya tapakan. Saolah-olah maranéhna can kungsi cicing di dinya.
وَلَقَدْ جَاۤءَتْ رُسُلُنَآ اِبْرٰهِيْمَ بِالْبُشْرٰى قَالُوْا سَلٰمًا ۖقَالَ سَلٰمٌ فَمَا لَبِثَ اَنْ جَاۤءَ بِعِجْلٍ حَنِيْذٍ٦٩
Wa laqad jā'at rusulunā ibrāhīma bil-busyrā qālū salāmā(n), qāla salāmun famā labiṡa an jā'a bi‘ijlin ḥanīż(in).
[69]
Tétéla utusan-utusan Kami (para malaikat) geus datang ka Ibrahim mawa béja pikabungaheun. Aranjeunna nyarita kieu, “Wilujeng.” Anjeunna (Ibrahim) ngawaler, “Wilujeng.” Teu lila, tuluy Ibrahim datang bari mawa (susuguh mangrupa) daging anak sapi nu dipanggang.
فَلَمَّا رَآٰ اَيْدِيَهُمْ لَا تَصِلُ اِلَيْهِ نَكِرَهُمْ وَاَوْجَسَ مِنْهُمْ خِيْفَةً ۗقَالُوْا لَا تَخَفْ اِنَّآ اُرْسِلْنَآ اِلٰى قَوْمِ لُوْطٍۗ٧٠
Falammā ra'ā aidiyahum lā taṣilu ilaihi nakirahum wa aujasa minhum khīfah(tan), qālū lā takhaf innā ursilnā ilā qaumi lūṭ(in).
[70]
Nalika ningal kana panangan aranjeunna henteu noél éta daging, Ibrahim curiga jeung nyimpen rasa kasieun ka aranjeunna. Malaikat tuluy nyarita, “Anjeun teu kedah sieun! Sabenerna kuring saréréa téh (malaikat-malaikat nu) diutus ka kaom Lut (pikeun ngabinasakeun maranéhna).”
وَامْرَاَتُهٗ قَاۤىِٕمَةٌ فَضَحِكَتْ فَبَشَّرْنٰهَا بِاِسْحٰقَۙ وَمِنْ وَّرَاۤءِ اِسْحٰقَ يَعْقُوْبَ٧١
Wamra'atuhū qā'imatun fa ḍaḥikat fa basysyarnāhā bi'isḥāq(a), wa miw warā'i isḥāqa ya‘qūb(a).
[71]
Istrina Ibrahim nangtung, terus seuri. Saterusna Kami ngabéjakeun ka anjeunna béja pikabungaheun ngeunaan (lahirna) Ishaq, jeung sanggeusna Ishaq (bakal lahir putrana, nyaéta) Yaqub.
قَالَتْ يٰوَيْلَتٰىٓ ءَاَلِدُ وَاَنَا۠ عَجُوْزٌ وَّهٰذَا بَعْلِيْ شَيْخًا ۗاِنَّ هٰذَا لَشَيْءٌ عَجِيْبٌ٧٢
Qālat yā wailatā a'alidu wa ana ‘ajūzuw wa hāżā ba‘lī syaikhā(n), inna hāżā lasyai'un ‘ajīb(un).
[72]
Istrina nyarita kieu, “Leres-leres ngahérankeun, naha mungkin abdi bakal ngalahirkeun (anak) padahal parantos janten nini-nini, sareng apanan salaki abdi ogé parantos aki-aki? Saleresna ieu mah hiji perkara anu kacida anéhna.”
قَالُوْٓا اَتَعْجَبِيْنَ مِنْ اَمْرِ اللّٰهِ رَحْمَتُ اللّٰهِ وَبَرَكٰتُهٗ عَلَيْكُمْ اَهْلَ الْبَيْتِۗ اِنَّهٗ حَمِيْدٌ مَّجِيْدٌ٧٣
Qālū ata‘jabīna min amrillāhi raḥmatullāhi wa barakātuh(ū), ‘alaikum ahlal-bait(i), innahū ḥamīdum majīd(un).
[73]
Para malaikat nyarita kieu, “Naha anjeun maké ngaraos héran kana katangtosan Allah? (Éta téh) rahmat sareng berkah Allah anu dipaparinkeun ka aranjeun, hé nu kagungan bumi! Sabenerna Mantenna mah Mahapinuji (tur) Mahaasih.”
فَلَمَّا ذَهَبَ عَنْ اِبْرٰهِيْمَ الرَّوْعُ وَجَاۤءَتْهُ الْبُشْرٰى يُجَادِلُنَا فِيْ قَوْمِ لُوْطٍ٧٤
Falammā żahaba ‘an ibrāhīmar rau‘u wa jā'athul busyrā yujādilunā fī qaumi lūṭ(in).
[74]
Mangka, waktu rasa kasieun leungit ti Ibrahim, jeung béja pikabungaheun geus datang ka anjeunna, Ibrahim soal-jawab jeung (malaikat-malaikat) Kami ngeunaan kaom Lut.
اِنَّ اِبْرٰهِيْمَ لَحَلِيْمٌ اَوَّاهٌ مُّنِيْبٌ٧٥
Inna ibrāhīma laḥalīmun awwāhum munīb(un).
[75]
Sabenerna Ibrahim téh bener-bener jalma santun, alus budi, tur resep balik (ka Allah).
يٰٓاِبْرٰهِيْمُ اَعْرِضْ عَنْ هٰذَا ۚاِنَّهٗ قَدْ جَاۤءَ اَمْرُ رَبِّكَۚ وَاِنَّهُمْ اٰتِيْهِمْ عَذَابٌ غَيْرُ مَرْدُوْدٍ٧٦
Yā ibrāhīmu a‘riḍ ‘an hāżā, innahū qad jā'a amru rabbik(a), wa innahum ātīhim ‘ażābun gairu mardūd(in).
[76]
Hé Ibrahim, jauhan baé éta soal-jawab téh, sabab sabenerna geus datang kapastian ti Pangéran anjeun, jeung sabenerna maranéhna téh bakal ditibanan siksaan nu moal bisa ditolak.
وَلَمَّا جَاۤءَتْ رُسُلُنَا لُوْطًا سِيْۤءَ بِهِمْ وَضَاقَ بِهِمْ ذَرْعًا وَّقَالَ هٰذَا يَوْمٌ عَصِيْبٌ٧٧
Wa lammā jā'at rusulunā lūṭan sī'a bihim wa ḍāqa bihim żar‘aw wa qāla hāżā yaumun ‘aṣīb(un).
[77]
Nalika éta para utusan Kami (para Malaikat) datang ka Lut, anjeunna ngarasa guligah tur dadana ngara sumpek ku datangna éta (utusan-utusan). Tuluy anjeunna (Lut) nyarita, “Ieu téh poé anu pohara héséna.” 452
452) Nabi Lut ngaraos guligah ku kadatangan éta dua utusan Allah, sabab duanana téh pamuda anu kasép, sedengkeun kaomna hayangeun ka éta dua pamuda, pikeun diajak ngalakukeun homo-seksual. Lut ngaraos teu sanggup nangtayungan éta dua pamuda lamun aya gangguan ti kaomna.
وَجَاۤءَهٗ قَوْمُهٗ يُهْرَعُوْنَ اِلَيْهِۗ وَمِنْ قَبْلُ كَانُوْا يَعْمَلُوْنَ السَّيِّاٰتِۗ قَالَ يٰقَوْمِ هٰٓؤُلَاۤءِ بَنَاتِيْ هُنَّ اَطْهَرُ لَكُمْ فَاتَّقُوا اللّٰهَ وَلَا تُخْزُوْنِ فِيْ ضَيْفِيْۗ اَلَيْسَ مِنْكُمْ رَجُلٌ رَّشِيْدٌ٧٨
Wa jā'ahū qaumuhū yuhra‘ūna ilaih(i), wa min qablu kānū ya‘malūnas-sayyi'āt(i), qāla yā qaumi hā'ulā'i banātī hunna aṭharu lakum fattaqullāha wa lā tukhzūni fī ḍaifī, alaisa minkum rajulur rasyīd(un).
[78]
Kaomna gura-giru datang manggihan ka anjeunna (Lut). Ti baheula kénéh maranéhna geus biasa milampah pagawéan kotor. 453 (Lut) nyarita, “Hé kaom kuring, ieu anak-anak awéwé (nagri) kuring. Maranéhna leuwih beresih pikeun aranjeun (pikeun ditikahan). Ku kituna, cing atuh kudu takwa ka Allah, jeung omat ulah ngotoran (ngaran) kuring di payuneun tamu kuring. Naha euweuh ti antara aranjeun saurang mah nu ngagunakeun akal?”
453) Ngalakukeun pagawéan ngadubur (homo-seksual).
قَالُوْا لَقَدْ عَلِمْتَ مَا لَنَا فِيْ بَنٰتِكَ مِنْ حَقٍّۚ وَاِنَّكَ لَتَعْلَمُ مَا نُرِيْدُ٧٩
Qālū laqad ‘alimta mā lanā fī banātika min ḥaqq(in), wa innaka lata‘lamu mā nurīd(u).
[79]
Maranéhna ngajawab, “Sabenerna anjeun pasti uninga yén kuring saréréa teu aya pisan kahayang (birahi) 454 ka putri-putri (nagri) anjeun, jeung sabenerna anjeun ogé tangtu bener-bener uninga kana perkara anu dipikahayang ku kuring saréréa.”
454) Maranéhna teu boga napsu ka awéwé.
قَالَ لَوْ اَنَّ لِيْ بِكُمْ قُوَّةً اَوْ اٰوِيْٓ اِلٰى رُكْنٍ شَدِيْدٍ٨٠
Qāla lau anna lī bikum quwwatan au āwī ilā ruknin syadīd(in).
[80]
Lut nyarios, “Lamun seug kuring boga kakuatan pikeun ngahalangan (kalakuan) aranjeun atawa kuring bisa nyalindung ka kulawarga anu kuat, (tangtu bakal dilakukeun).”
قَالُوْا يٰلُوْطُ اِنَّا رُسُلُ رَبِّكَ لَنْ يَّصِلُوْٓا اِلَيْكَ فَاَسْرِ بِاَهْلِكَ بِقِطْعٍ مِّنَ الَّيْلِ وَلَا يَلْتَفِتْ مِنْكُمْ اَحَدٌ اِلَّا امْرَاَتَكَۗ اِنَّهٗ مُصِيْبُهَا مَآ اَصَابَهُمْ ۗاِنَّ مَوْعِدَهُمُ الصُّبْحُ ۗ اَلَيْسَ الصُّبْحُ بِقَرِيْبٍ٨١
Qālū yā lūṭu innā rusulu rabbika lay yaṣilū ilaika fa asri bi'ahlika biqiṭ‘im minal-laili wa lā yaltafit minkum aḥadun illamra'atak(a), innahū muṣībuhā mā aṣābahum, inna mau‘idahumuṣ-ṣubḥ(u), alaisaṣ-ṣubḥu biqarīb(in).
[81]
Para utusan (malaikat) nyarita, “Hé Lut, sabenerna kuring saréréa téh utusan Pangéran anjeun. Moal pisan maranéhna bisa ngaganggu ka anjeun (sabab maranéhna bakal dibinasakeun). Ku sabab éta, ayeuna mah jung geura angkat babarengan kulawarga anjeun jeung jalma-jalma anu tumut ka anjeun dina ieu tengah peuting! Omat ulah aya saurang ogé anu ngalieuk ka tukang, sedengkeun istri anjeun (mah teu kedah diajak sabab geus hianat ka anjeun). Da sabenerna manéhna mah rék ditibanan siksa sakumaha anu tumiba ka maranéhna (kaom Lut). Sabenerna waktu nu dijangjikeun ka maranéhna téh dina waktu subuh. Apan subuh téh geus deukeut?”
فَلَمَّا جَاۤءَ اَمْرُنَا جَعَلْنَا عَالِيَهَا سَافِلَهَا وَاَمْطَرْنَا عَلَيْهَا حِجَارَةً مِّنْ سِجِّيْلٍ مَّنْضُوْدٍ٨٢
Falammā jā'a amrunā ja‘alnā ‘āliyahā sāfilahā wa amṭarnā ‘alaihā ḥijāratam min sijjīlim manḍūd(in).
[82]
Mangka, waktu kaputusan (siksa) Kami tumiba, Kami ngajungkir-balikkeun (nagri kaom Lut), jeung Kami ngahujanan ka maranéhna ku batu tina taneuh anu kaduruk, kalayan terus-terusan.
مُسَوَّمَةً عِنْدَ رَبِّكَۗ وَمَا هِيَ مِنَ الظّٰلِمِيْنَ بِبَعِيْدٍ ࣖ٨٣
Musawwamatan ‘inda rabbik(a) wa mā hiya minaẓ-ẓālimīna biba‘īd(in).
[83]
(Éta batu-batu téh) dibéré tanda ti mungguhing Pangéran hidep. Éta siksa téh teu jauh ti jalma-jalma anu dolim. 455
455) Aya dua tapsir ngeunaan “teu jauh ti jalma-jalma dolim” dina ayat ieu. Tapsiran ka hiji, yén pasti sabab kadoliman nu dipilampah, maranéhna sakeudeung deui bakal meunang siksaan. Tapsiran nu kadua, yén teu jauh ti jalma-jalma dolim téh nyaéta teu jauh ti Mekah tempat ngancikna jalma-jalma nu dolim.
۞ وَاِلٰى مَدْيَنَ اَخَاهُمْ شُعَيْبًا ۗقَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗ ۗوَلَا تَنْقُصُوا الْمِكْيَالَ وَالْمِيْزَانَ اِنِّيْٓ اَرٰىكُمْ بِخَيْرٍ وَّاِنِّيْٓ اَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ مُّحِيْطٍ٨٤
Wa ilā madyana akhāhum syu‘aibā(n), qāla yā qaumi‘budullāha mā lakum min ilāhin gairuh(ū), wa lā tanquṣul-mikyāla wal-mīzāna innī arākum bikhairiw wa innī akhāfu ‘alaikum ‘ażāba yaumim muḥīṭ(in).
[84]
Ka (pangeusi) nagri Madyan (Kami ngutus) dulur maranéhna, (nyaéta) Su’éb. Anjeunna nyarita, “Hé kaom kuring, geura ibadah ka Allah. Henteu aya deui Pangéran pikeun aranjeun iwal ti Mantenna! Omat ulah sok ngurangan takeran jeung timbangan! Sabenerna kuring nénjo aranjeun téh aya dina kaayaan anu alus (ma’mur). Sabenerna kuring ngarasa paur boh bisi aranjeun ditibanan siksa dina poé anu ngawengku (jeung matak ngbinasakeun, nyaéta Poé Kiamat).
وَيٰقَوْمِ اَوْفُوا الْمِكْيَالَ وَالْمِيْزَانَ بِالْقِسْطِ وَلَا تَبْخَسُوا النَّاسَ اَشْيَاۤءَهُمْ وَلَا تَعْثَوْا فِى الْاَرْضِ مُفْسِدِيْنَ٨٥
Wa yā qaumi auful-mikyāla wal-mīzāna bil-qisṭi wa lā tabkhasun-nāsa asy-yā'ahum wa lā ta‘ṡau fil-arḍi mufsidīn(a).
[85]
Hé kaom kuring, sampurnakeun takeran jeung timbangan kalayan adil. Omat ulah rék ngarugikeun batur ku cara ngurangan hak-hakna. Omat ogé ulah migawé kagoréngan di bumi ku nyieun karuksakan di ieu bumi.
بَقِيَّتُ اللّٰهِ خَيْرٌ لَّكُمْ اِنْ كُنْتُمْ مُّؤْمِنِيْنَ ەۚ وَمَآ اَنَا۠ عَلَيْكُمْ بِحَفِيْظٍ٨٦
Baqiyyatullāhi khairul lakum in kuntum mu'minīn(a), wa mā ana ‘alaikum biḥafīẓ(in).
[86]
Naon anu nyésa (tina kauntungan halal) nu dipasihkeun ku Allah 456 éta leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun mu’min mah. Kuring mah lain anu ngaraksa aranjeun.”
456) Nu dimaksud “sésa kauntungan ti Allah” téh nyaéta kauntungan anu halal tina hasil dagang sanggeus maranéhna nyampurnakeun timbangan jeung takeran.
قَالُوْا يٰشُعَيْبُ اَصَلٰوتُكَ تَأْمُرُكَ اَنْ نَّتْرُكَ مَا يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُنَآ اَوْ اَنْ نَّفْعَلَ فِيْٓ اَمْوَالِنَا مَا نَشٰۤؤُا ۗاِنَّكَ لَاَنْتَ الْحَلِيْمُ الرَّشِيْدُ٨٧
Qālū yā syu‘aibu aṣalātuka ta'muruka an natruka mā ya‘budu ābā'unā au an naf‘ala fī amwālinā mā nasyā'(u), innaka la'antal-ḥalīmur-rasyīd(u).
[87]
Maranéhna ngomong, “Hé Su’éb, naha salat (agama) anjeun nu nitah ka anjeun sangkan kuring saréréa ninggalkeun naon nu sok disembah ku karuhun kuring saréréa, atawa nyegah kuring saréréa ngurus harta nurutkeun cara nu dipikahayang ku kuring saréréa? (Naha bener kitu, padahal) sabenerna anjeun téh jalma anu kacida santun (tur) pinter.” 457
457) Ieu caritaan téh pikeun ngahina jeung ngageuhgeuykeun Nabi Su’éb.
قَالَ يٰقَوْمِ اَرَءَيْتُمْ اِنْ كُنْتُ عَلٰى بَيِّنَةٍ مِّنْ رَّبِّيْ وَرَزَقَنِيْ مِنْهُ رِزْقًا حَسَنًا وَّمَآ اُرِيْدُ اَنْ اُخَالِفَكُمْ اِلٰى مَآ اَنْهٰىكُمْ عَنْهُ ۗاِنْ اُرِيْدُ اِلَّا الْاِصْلَاحَ مَا اسْتَطَعْتُۗ وَمَا تَوْفِيْقِيْٓ اِلَّا بِاللّٰهِ ۗعَلَيْهِ تَوَكَّلْتُ وَاِلَيْهِ اُنِيْبُ٨٨
Qāla yā qaumi ara'aitum in kuntu ‘alā bayyinatim mir rabbī wa razaqanī minhu rizqan ḥasanaw wa mā urīdu an ukhālifakum ila mā anhākum ‘anh(u), in urīdu illal-iṣlāḥa mastaṭa‘t(u), wa mā taufīqī illā billāh(i), ‘alaihi tawakkaltu wa ilaihi unīb(u).
[88]
Anjeunna (Su’éb) nyarios, “Hé kaom kuring, kumaha pamadegan aranjeun saupama kuring boga bukti anu nyata ti Pangéran kuring, jeung Mantenna maparin ka kuring rejeki anu alus (naha pantes kuring nyulayaan paréntah-Na). Kuring (sabenerna) teu hayang béda sikep jeung aranjeun (tuluy migawé) kana naon anu ku kuring sorangan dicegah. Kuring henteu boga maksud (séjén) iwal ti mémérés sakamampuh kuring (pikeun ngadatangkeun kaalusan). Henteu aya kamampuhan pikeun kuring (pikeun ngadatangkeun kaalusan) anging kalayan (pitulung) Allah. Anging ka Allah kuring tawekal sareng anging ka Mantenna kuring bakal mulang.
وَيٰقَوْمِ لَا يَجْرِمَنَّكُمْ شِقَاقِيْٓ اَنْ يُّصِيْبَكُمْ مِّثْلُ مَآ اَصَابَ قَوْمَ نُوْحٍ اَوْ قَوْمَ هُوْدٍ اَوْ قَوْمَ صٰلِحٍ ۗوَمَا قَوْمُ لُوْطٍ مِّنْكُمْ بِبَعِيْدٍ٨٩
Wa yā qaumi lā yajrimannakum syiqāqī ay yuṣībakum miṡlu mā aṣāba qauma nūḥin au qauma hūdin au qauma ṣāliḥ(in), wa mā qaumu lūṭim minkum biba‘īd(in).
[89]
Hé kaom kuring, omat pasalia paham antara kuring (jeung aranjeun) ulah nepi ka ngajadikeun tumibana siksa ka maranéh, saperti siksa nu geus tumiba ka kaom Nuh, kaom Hud, atawa kaom Soléh, sedengkeun (tempat jeung mangsa kabinasaan) kaom Lut ogé apanan henteu jauh ti aranjeun.
وَاسْتَغْفِرُوْا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوْبُوْٓا اِلَيْهِ ۗاِنَّ رَبِّيْ رَحِيْمٌ وَّدُوْدٌ٩٠
Wastagfirū rabbakum ṡumma tūbū ilaih(i), inna rabbī raḥīmuw wadūd(un).
[90]
Geura ménta hampura ka Pangéran aranjeun, tuluy tobat ka Mantenna. Saleresna Pangéran kuring téh Mahawelas (tur) Mahaasih.”
قَالُوْا يٰشُعَيْبُ مَا نَفْقَهُ كَثِيْرًا مِّمَّا تَقُوْلُ وَاِنَّا لَنَرٰىكَ فِيْنَا ضَعِيْفًا ۗوَلَوْلَا رَهْطُكَ لَرَجَمْنٰكَ ۖوَمَآ اَنْتَ عَلَيْنَا بِعَزِيْزٍ٩١
Qālū yā syu‘aibu mā nafqahu kaṡīram mimmā taqūlu wa innā lanarāka fīnā ḍa‘īfā(n), wa lau lā rahṭuka larajamnāk(a), wa anta ‘alainā bi‘azīz(in).
[91]
Maranéhna ngomong, “Hé Su’éb, kuring saréréa henteu loba ngartina ngeunaan naon anu dicaritakeun ku anjeun. Sabenerna kuring saréréa nganggap anjeun téh bener bener jalma héngkér di golongan kuring saréréa. Lamun lain lantaran kulawarga anjeun, tangtu kuring saréréa geus ngarajam anjeun. Anjeun téh teu boga pangaruh di lingkungan kuring saréréa.”
قَالَ يٰقَوْمِ اَرَهْطِيْٓ اَعَزُّ عَلَيْكُمْ مِّنَ اللّٰهِ ۗوَاتَّخَذْتُمُوْهُ وَرَاۤءَكُمْ ظِهْرِيًّا ۗاِنَّ رَبِّيْ بِمَا تَعْمَلُوْنَ مُحِيْطٌ٩٢
Qāla yā qaumi arahṭī a‘azzu ‘alaikum minallāh(i), wattakhażtumūhu warā'akum ẓihriyyā(n), inna rabbī bimā ta‘malūna muḥīṭ(un).
[92]
Anjeunna (Su’éb) ngawaler, “Hé kaom kuring, naha kulawarga kuring leuwih dipihormat ku aranjeun tibatan Allah, nepi ka nempatkeun Mantenna di satukangeun aranjeun? (Sing nyaho yén) saleresna Pangéran kuring téh ngawengku kana sagala kalakuan aranjeun.
وَيٰقَوْمِ اعْمَلُوْا عَلٰى مَكَانَتِكُمْ اِنِّيْ عَامِلٌ ۗسَوْفَ تَعْلَمُوْنَۙ مَنْ يَّأْتِيْهِ عَذَابٌ يُّخْزِيْهِ وَمَنْ هُوَ كَاذِبٌۗ وَارْتَقِبُوْٓا اِنِّيْ مَعَكُمْ رَقِيْبٌ٩٣
Wa yā qaumi‘malū ‘alā makānatikum innī ‘āmil(un), saufa ta‘lamūn(a), may ya'tīhi ‘ażābuy yukhzīhi wa man huwa kāżib(un), wartaqibū innī ma‘akum raqīb(un).
[93]
Hé kaom kuring, pék digawé nurutkeun kamampuhan aranjeun! Sabenerna kuring ogé kitu. Engké aranjeun bakal nyaho sorangan saha nu bakal ditibanan siksa anu hina jeung saha anu bener-bener bohong. Geura dagoan (akibat pagawéan aranjeun). Sabenerna kuring ogé ngadagoan babarengan jeung aranjeun.”
وَلَمَّا جَاۤءَ اَمْرُنَا نَجَّيْنَا شُعَيْبًا وَّالَّذِيْنَ اٰمَنُوْا مَعَهٗ بِرَحْمَةٍ مِّنَّاۚ وَاَخَذَتِ الَّذِيْنَ ظَلَمُوا الصَّيْحَةُ فَاَصْبَحُوْا فِيْ دِيَارِهِمْ جٰثِمِيْنَۙ٩٤
Wa lammā jā'a amrunā najjainā syu‘aibaw wal-lażīna amanū ma‘ahū biraḥmatim minnā, wa akhażatil-lażīna ẓalamuṣ-ṣaiḥatu fa aṣbaḥū fī diyārihim jāṡimīn(a).
[94]
Nalika kaputusan Kami (pikeun ngabinasakeun maranéhna) tumiba, Kami nyalamatkeun Su’éb jeung jalma-jalma anu iman babarengan jeung anjeunna kalayan rahmat Kami anu gedé. Ari jalma-jalma anu dolim mah dibinasakeun ku sora tarik nu ngageleger. Nya maranéhna téh paéh ting garolépak di imah-imahna masing-masing.
كَاَنْ لَّمْ يَغْنَوْا فِيْهَا ۗ اَلَا بُعْدًا لِّمَدْيَنَ كَمَا بَعِدَتْ ثَمُوْدُ ࣖ٩٥
Ka allam yagnau fīhā, alā bu‘dal limadyana kamā ba‘idat ṡamūd(u).
[95]
(Éta nagri teu tapakan) saolah-olah maranéhna téh teu kungsi cicing di dinya. Sing inget, pangeusi nagri Madyan téh geus binasa, sakumaha kaom Samud.
وَلَقَدْ اَرْسَلْنَا مُوْسٰى بِاٰيٰتِنَا وَسُلْطٰنٍ مُّبِيْنٍۙ٩٦
Wa laqad arsalnā mūsā bi'āyātinā wa sulṭānim mubīn(in).
[96]
Tétéla Kami geus ngutus Musa kalayan (mawa) tanda-tanda (kakawasaan) Kami jeung bukti anu nyata.
اِلٰى فِرْعَوْنَ وَمَلَا۟ىِٕهٖ فَاتَّبَعُوْٓا اَمْرَ فِرْعَوْنَ ۚوَمَآ اَمْرُ فِرْعَوْنَ بِرَشِيْدٍ٩٧
Ilā fir‘auna wa mala'ihī fattaba‘ū amra fir‘aun(a), wa mā amru fir‘auna birasyīd(in).
[97]
(Musa diutus) ka Fir’aun jeung gegedén kaomna, tapi maranéhna keukeuh nurut kana paréntah Fir’aun; padahal paréntah Fir’aun téh lain paréntah anu bener.
يَقْدُمُ قَوْمَهٗ يَوْمَ الْقِيٰمَةِ فَاَوْرَدَهُمُ النَّارَ ۗوَبِئْسَ الْوِرْدُ الْمَوْرُوْدُ٩٨
Yaqdumu qaumahū yaumal-qiyāmati fa auradahumun-nār(a), wa bi'sal-wirdul-maurūd(u).
[98]
Manéhna (Fir’aun) leumpang di hareupeun kaomna dina Poé Kiamat, tuluy mawa maranéhna asup ka naraka. Éta naraka téh panggoréng-goréngna tempat nu diasupan.
وَاُتْبِعُوْا فِيْ هٰذِهٖ لَعْنَةً وَّيَوْمَ الْقِيٰمَةِۗ بِئْسَ الرِّفْدُ الْمَرْفُوْدُ٩٩
Wa utbi‘ū fī hāżihī la‘nataw wa yaumal-qiyāmah(ti), bi'sar-rifdul-marfūd(u).
[99]
Maranéhna salawasna dikukuntit ku la’nat di ieu (dunya) jeung (jaga) dina Poé Kiamat. Éta (la’nat) téh panggoréng-goréngna paméré anu dibikeun.
ذٰلِكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ الْقُرٰى نَقُصُّهٗ عَلَيْكَ مِنْهَا قَاۤىِٕمٌ وَّحَصِيْدٌ١٠٠
Żālika min ambā'il-qurā naquṣṣuhū ‘alaika minhā qā'imuw wa ḥaṣīd(un).
[100]
Éta téh sabagian tina béja nagri-nagri (anu geus dibinasakeun) anu ku Kami dicaritakeun ka hidep (Muhammad). Ti antara nagri-nagri éta aya anu masih aya patilasanana, jeung aya deui anu geus musnah pisan.
وَمَا ظَلَمْنٰهُمْ وَلٰكِنْ ظَلَمُوْٓا اَنْفُسَهُمْ فَمَآ اَغْنَتْ عَنْهُمْ اٰلِهَتُهُمُ الَّتِيْ يَدْعُوْنَ مِنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ شَيْءٍ لَّمَّا جَاۤءَ اَمْرُ رَبِّكَۗ وَمَا زَادُوْهُمْ غَيْرَ تَتْبِيْبٍ١٠١
Wa mā ẓalamnāhum wa lākin ẓalamū anfusahum famā agnat ‘anhum ālihatuhumul-latī yad‘ūna min dūnillāhi min syai'il lammā jā'a amru rabbik(a), wa mā zādūhum gaira tatbīb(in).
[101]
Kami teu ngadoliman ka maranéhna, tapi maranéhna anu ngadoliman ka dirina sorangan. Ku sabab kitu, teu aya paédahna saeutik ogé sesembahan-sesembahan anu ku maranéhna disembah salian ti Allah téh, di waktu datangna siksaan Pangéran hidep mah. Éta sesembahan (justru) ngan nambahan kabinasaan ka maranéhna.
وَكَذٰلِكَ اَخْذُ رَبِّكَ اِذَآ اَخَذَ الْقُرٰى وَهِيَ ظَالِمَةٌ ۗاِنَّ اَخْذَهٗٓ اَلِيْمٌ شَدِيْدٌ١٠٢
Wa każālika akhżu rabbika iżā akhażal-qurā wa hiya ẓālimah(tun), inna akhżahū alīmun syadīd(un).
[102]
Kitu tah caritana siksaan Pangéran hidep umpama Mantenta nyiksa (pangeusi) nagri-nagri anu geus migawé kadoliman téh. Saenyana siksa-Na téh kacida matak nyerina (tur) kacida beuratna.
اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَاٰيَةً لِّمَنْ خَافَ عَذَابَ الْاٰخِرَةِ ۗذٰلِكَ يَوْمٌ مَّجْمُوْعٌۙ لَّهُ النَّاسُ وَذٰلِكَ يَوْمٌ مَّشْهُوْدٌ١٠٣
Inna fī żālika la'āyatal liman khāfa ‘ażābal-ākhirah(ti), żālika yaumum majmū‘(un), lahun-nāsu wa żālika yaumum masyhūd(un).
[103]
Saenyana dina éta kajadian téh bener-bener aya atikan pikeun jalma-jalma anu sieun ku siksaan ahérat. Éta téh poéan waktu sakabéhna manusa dikumpulkeun pikeun (dihisab), jeung éta poe téh poé anu di sakséni (ku sakabéh mahluk).
وَمَا نُؤَخِّرُهٗٓ اِلَّا لِاَجَلٍ مَّعْدُوْدٍۗ١٠٤
Wa mā nu'akhkhiruhū illā li'ajalim ma‘dūd(in).
[104]
Kami moal nunda-nunda éta (waktu Kiamat), kajaba nepi ka mangsa anu geus ditangtukeun.
يَوْمَ يَأْتِ لَا تَكَلَّمُ نَفْسٌ اِلَّا بِاِذْنِهٖۚ فَمِنْهُمْ شَقِيٌّ وَّسَعِيْدٌ١٠٥
Yauma ya'ti lā takallamu nafsun illā bi'iżnih(ī), fa minhum syaqiyyuw wa sa‘īd(un).
[105]
Dina waktu datang éta poé, henteu aya saorang ogé anu bisa nyarita, anging kalayan widi Mantenna. Tuluy ti antara maranéhna aya anu cilaka jeung aya anu bagja.
فَاَمَّا الَّذِيْنَ شَقُوْا فَفِى النَّارِ لَهُمْ فِيْهَا زَفِيْرٌ وَّشَهِيْقٌۙ١٠٦
Fa ammal-lażīna syaqū fa fin-nāri lahum fīhā zafīruw wa syahīq(un).
[106]
Anapon jalma-jalma nu cilaka (pitempateunana) téh aya di jero naraka. Di dinya maranéhna ngaluarkeun napas bari humarurung.
خٰلِدِيْنَ فِيْهَا مَا دَامَتِ السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُ اِلَّا مَا شَاۤءَ رَبُّكَۗ اِنَّ رَبَّكَ فَعَّالٌ لِّمَا يُرِيْدُ١٠٧
Khālidīna fīhā mā dāmatis-samāwātu wal-arḍu illā mā syā'a rabbuk(a), inna rabbaka fa‘‘ālul limā yurīd(u).
[107]
Maranéhna langgeng di dinyana salila masih aya langit jeung bumi, 458 kajaba upama Pangéran hidep ngersakeun (lian ti kitu). Sabenerna Pangéran hidep téh Maha Ngalaksanakeun anu dikersakeun ku Mantenna.
458) “Salila masih aya langit jeung bumi” téh mangrupa kalimat kiasan pikeun ngajelaskeun yén maranéhna langgeng di éta tempat. Urang Arab geus biasa negeskeun hiji perkara nu langgeng ku nyebut “sapanjang aya langit jeung bumi.”
۞ وَاَمَّا الَّذِيْنَ سُعِدُوْا فَفِى الْجَنَّةِ خٰلِدِيْنَ فِيْهَا مَا دَامَتِ السَّمٰوٰتُ وَالْاَرْضُ اِلَّا مَا شَاۤءَ رَبُّكَۗ عَطَاۤءً غَيْرَ مَجْذُوْذٍ١٠٨
Wa ammal-lażīna su‘idū fa fil-jannati khālidīna fīhā mā dāmatis-samāwātu wal-arḍu illā mā syā'a rabbuk(a), ‘aṭā'an gaira majżūż(in).
[108]
Anapon jalma-jalma anu bagja ayana téh di sawarga. Aranjeunna langgeng di dinyana salila masih aya kénéh langit jeung bumi, kajab upama Pangéran hidep ngersakeun (lian ti kitu). (Allah méré nugraha ka aranjeunna mangrupa) kurnia anu teu aya eureunna.
فَلَا تَكُ فِيْ مِرْيَةٍ مِّمَّا يَعْبُدُ هٰٓؤُلَاۤءِ ۗمَا يَعْبُدُوْنَ اِلَّا كَمَا يَعْبُدُ اٰبَاۤؤُهُمْ مِّنْ قَبْلُ ۗوَاِنَّا لَمُوَفُّوْهُمْ نَصِيْبَهُمْ غَيْرَ مَنْقُوْصٍ ࣖ١٠٩
Falā taku fī miryatim mimmā ya‘budu hā'ulā'(i), mā ya‘budūna illā kamā ya‘budu ābā'uhum min qabl(u), wa innā lamuwaffūhum naṣībahum gaira manqūṣ(in).
[109]
Ku kituna, hidep ulah mangmang ngeunaan naon anu disarembah ku maranéhna. 459 Maranéhna téh teu nyembah anging saperti nyembahna karuhun-karuhunna baheula. Sabenerna Kami pasti bakal nyampurnakeun wawales ka maranéhna kalayan moal bakal dikurangan saeutik ogé.
459) Tong mangmang yén nyembah barhala téh pagawéan anu sasar tur goréng akibatna.
وَلَقَدْ اٰتَيْنَا مُوْسَى الْكِتٰبَ فَاخْتُلِفَ فِيْهِ ۗوَلَوْلَا كَلِمَةٌ سَبَقَتْ مِنْ رَّبِّكَ لَقُضِيَ بَيْنَهُمْ ۗوَاِنَّهُمْ لَفِيْ شَكٍّ مِّنْهُ مُرِيْبٍ١١٠
Wa laqad ātainā mūsal-kitāba fakhtulifa fīh(i), wa lau lā kalimatun sabaqat mir rabbika laquḍiya bainahum, wa innahum lafī syakkim minhu murīb(in).
[110]
Tétéla Kami geus maparinkeun kitab (Torét) ka Musa, tuluy eusina ku maranéhna dipacéngkadkeun. 460 Lamun seug henteu aya papastén anu saméméhna ti Pangéran hidep, tangtu geus dilaksanakeun hukuman di antara maranéhna. 461 Sabenerna maranéhna bener bener aya dina kamangmangan kana éta (Al-Qur’an).
460) Ieu ayat téh mangrupakeun panghibur Allah ka Nabi Muhammad dina raraga nyanghareupan tangtangan jalma-jalma kapir Mekah kana Al-Qur’an. Teu kudu anéh, baheula ogé Nabi Musa kitu. Waktu Kitab Torét turun, loba jalma anu aya dina pacéngkadan nyikepan éta Kitab.
461) Lamun seug taya katetepan yén siksaan pikeun maranéhna téh ditunda engké dina Poé Kiamat, pinasti manaranéhna disiksa harita kénéh ogé.
وَاِنَّ كُلًّا لَّمَّا لَيُوَفِّيَنَّهُمْ رَبُّكَ اَعْمَالَهُمْ ۗاِنَّهٗ بِمَا يَعْمَلُوْنَ خَبِيْرٌ١١١
Wa inna kullan lammā layuwaffiyannahum rabbuka a‘mālahum, innahū bimā ya‘malūna khabīr(un).
[111]
Sabenerna ka sakur (anu macéngkadkeun Al-Qur’an,) tangtu Pangéran hidep bakal males kalayan pinuh kana laku lampah maranéhna. Sabenerna Mantenna téh Mahauninga kana laku lampah maranéhna.
فَاسْتَقِمْ كَمَآ اُمِرْتَ وَمَنْ تَابَ مَعَكَ وَلَا تَطْغَوْاۗ اِنَّهٗ بِمَا تَعْمَلُوْنَ بَصِيْرٌ١١٢
Fastaqim kamā umirta wa man tāba ma‘aka wa lā taṭgau, innahū bimā ta‘malūna baṣīr(un).
[112]
Ku kituna, hidep kudu tetep (dina jalan anu bener), sakumaha anu geus diparéntahkeun ka hidep. (Kitu deui kudu tetep dina jalan anu bener) jalma anu geus tobat babarengan jeung hidep. Omat aranjeun ulah ngaliwatan wates. Saleresna Mantenna téh Maha Ningali kana sagala anu dipilampah ku aranjeun.
وَلَا تَرْكَنُوْٓا اِلَى الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا فَتَمَسَّكُمُ النَّارُۙ وَمَا لَكُمْ مِّنْ دُوْنِ اللّٰهِ مِنْ اَوْلِيَاۤءَ ثُمَّ لَا تُنْصَرُوْنَ١١٣
Wa lā tarkanū ilal-lażīna ẓalamū fa tamassakumun-nār(u), wa mā lakum min dūnillāhi min auliyā'a ṡumma lā tunṣarūn(a).
[113]
Aranjeun omat ulah rék condong ka jalma-jalma anu dolim 462 nepi ka seuneu naraka ngaléntab ka aranjeun, sedengkeun aranjeun teu boga nu bisa nulungan ka aranjeun salian ti Allah. Tuluy aranjeun moal ditulungan pisan.
462) “Condong ka jalma-jalma dolim” maksudna ngahiji jeung maranéhna tur rido kana naon nu dipigawé ku maranéhna. Tapi lamun nyampur ngahiji jeung maranéhna teu dibarengan ku ngaridoan mah tur aya harepan supaya maranéhna balik kana bebeneran, éta mah teu dicegah.
وَاَقِمِ الصَّلٰوةَ طَرَفَيِ النَّهَارِ وَزُلَفًا مِّنَ الَّيْلِ ۗاِنَّ الْحَسَنٰتِ يُذْهِبْنَ السَّيِّاٰتِۗ ذٰلِكَ ذِكْرٰى لِلذّٰكِرِيْنَ١١٤
Wa aqimiṣ-ṣalāta ṭarafayin-nahāri wa zulafam minal-lail(i), innal-ḥasanāti yużhibnas-sayyi'āt(i), żālika żikrā liż-żākirīn(a).
[114]
Prak ku hidep adegkeun salat dina dua sisi beurang (subuh lohor asar) jeung dina mimiti peuting (magrib Isa). Sabenerna amal-amal hadé téh bisa ngalebur dosa. Éta téh pépéling pikeun jalma-jalma anu sok éling (ka Allah).
وَاصْبِرْ فَاِنَّ اللّٰهَ لَا يُضِيْعُ اَجْرَ الْمُحْسِنِيْنَ١١٥
Waṣbir fa innallāha lā yaḍī‘u ajral-muḥsinīn(a).
[115]
Hidep (Muhammad) sing sabar! Saleresna Allah moal nyapirakeun ganjaran jalma-jalma anu migawé kahadéan.
فَلَوْلَا كَانَ مِنَ الْقُرُوْنِ مِنْ قَبْلِكُمْ اُولُوْا بَقِيَّةٍ يَّنْهَوْنَ عَنِ الْفَسَادِ فِى الْاَرْضِ اِلَّا قَلِيْلًا مِّمَّنْ اَنْجَيْنَا مِنْهُمْ ۚوَاتَّبَعَ الَّذِيْنَ ظَلَمُوْا مَآ اُتْرِفُوْا فِيْهِ وَكَانُوْا مُجْرِمِيْنَ١١٦
Fa lau lā kāna minal-qurūni min qablikum ulū baqiyyatiy yanhauna ‘anil-fasādi fil-arḍi illā qalīlam mimman anjainā minhum, wattaba‘al-lażīna ẓalamū mā utrifū fīhi wa kānū mujrimīn(a).
[116]
Ku kituna, naha atuh teu aya ti antara generasi saméméh aranjeun anu ngabogaan kautamaan pikeun nyegah (migawé) karuksakan di ieu bumi, anging saeutik, nyaéta jalma-jalma anu disalametkeun ku Kami. Jalma-jalma anu dolim mah ngan mentingkeun kani’matan tur kaméwahan, jeung maranéhna téh jalma-jalma nu doraka.
وَمَا كَانَ رَبُّكَ لِيُهْلِكَ الْقُرٰى بِظُلْمٍ وَّاَهْلُهَا مُصْلِحُوْنَ١١٧
Wa mā kāna rabbuka liyuhlikal-qurā biẓulmiw wa ahluhā muṣliḥūn(a).
[117]
Pangéran hidep teu pati-pati ngabinasakeun hiji nagri kalayan dolim, salila pangeusi éta nagri téh jalma-jalma nu migawé kahadéan.
وَلَوْ شَاۤءَ رَبُّكَ لَجَعَلَ النَّاسَ اُمَّةً وَّاحِدَةً وَّلَا يَزَالُوْنَ مُخْتَلِفِيْنَۙ١١٨
Wa lau syā'a rabbuka laja‘alan-nāsa ummataw wāḥidataw wa lā yazālūna mukhtalifīn(a).
[118]
Lamun seug Pangéran hidep ngersakeun, tangtu Mantenna ngajadikeun manusa téh hiji umat, tapi maranéhna salawasna aya dina pasalia paham baé (dina urusan agama),
اِلَّا مَنْ رَّحِمَ رَبُّكَ ۗوَلِذٰلِكَ خَلَقَهُمْ ۗوَتَمَّتْ كَلِمَةُ رَبِّكَ لَاَمْلَـَٔنَّ جَهَنَّمَ مِنَ الْجِنَّةِ وَالنَّاسِ اَجْمَعِيْنَ١١٩
Illā mar raḥima rabbuk(a), wa liżālika khalaqahum, wa tammat kalimatu rabbika la'amla'anna jahannama minal-jinnati wan-nāsi ajma‘īn(a).
[119]
kajaba jalma-jalma anu dipaparinan rahmat ku Pangéran hidep. Keur éta pisan, Mantenna nyiptakeun maranéhna téh. Kalimah (kaputusan) Pangéran hidep geus tetep, “Kami bener-bener bakal minuhan naraka Jahanam (ku nu doroka ti golongan) jin jeung manusa.
وَكُلًّا نَّقُصُّ عَلَيْكَ مِنْ اَنْۢبَاۤءِ الرُّسُلِ مَا نُثَبِّتُ بِهٖ فُؤَادَكَ وَجَاۤءَكَ فِيْ هٰذِهِ الْحَقُّ وَمَوْعِظَةٌ وَّذِكْرٰى لِلْمُؤْمِنِيْنَ١٢٠
Wa kullan naquṣṣu ‘alaika min ambā'ir-rusuli mā nuṡabbitu bihī fu'ādaka wa jā'aka fī hāżihil-ḥaqqu wa mau‘iẓatuw wa żikrā lil-mu'minīn(a).
[120]
Sakabéh kisah-kisah rasul anu ku Kami dicaritakeun ka hidep, éta téh nu ku Kami dipaké neguhkeun haté hidep. Di jerona geus didatangkeun ka hidep (sagala) bebeneran, naséhat, jeung pépéling pikeun jalma-jalma anu iman.
وَقُلْ لِّلَّذِيْنَ لَا يُؤْمِنُوْنَ اعْمَلُوْا عَلٰى مَكَانَتِكُمْۗ اِنَّا عٰمِلُوْنَۙ١٢١
Wa qul lil-lażīna lā yu'minūna‘malū ‘alā makānatikum, innā ‘āmilūn(a).
[121]
Pék caritakeun ku hidep ka jalma-jalma anu teu iman, “Geura digarawé nurutkeun kamampuan aranjeun! Sabenerna kuring saréréa ogé digawé.”
وَانْتَظِرُوْاۚ اِنَّا مُنْتَظِرُوْنَ١٢٢
Wantaẓirū innā muntaẓirūn(a).
[122]
Tungguan ku aranjeun akibat pagawéan aranjeun. Sabenerna Kami ogé nungguan.”
وَلِلّٰهِ غَيْبُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَاِلَيْهِ يُرْجَعُ الْاَمْرُ كُلُّهٗ فَاعْبُدْهُ وَتَوَكَّلْ عَلَيْهِۗ وَمَا رَبُّكَ بِغَافِلٍ عَمَّا تَعْمَلُوْنَ ࣖ١٢٣
Wa lillāhi gaibus-samāwāti wal-arḍi wa ilaihi yurja‘ul-amru kulluhū fa‘budhu wa tawakkal ‘alaih(i), wa mā rabbuka bigāfilin ‘ammā ta‘malūn(a).
[123]
Kagungan Allah wungkul rasiah di langit jeung bumi, jeung ka Mantenna wungkul deui dipulangkeun sagala urusan. Ku sabab éta, prak sembah Mantenna jeung sumerah diri ka Mantenna. Pangéran hidep moal pisan-pisan lengah kana sagala nu dipilampah ku aranjeun.