Surah Al-Ma’un
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَرَءَيْتَ الَّذِيْ يُكَذِّبُ بِالدِّيْنِۗ١
Ara'aital-lażī yukażżibu bid-dīn(i).
[1]
Naha anjeun nyaho (jalma) nu ngabohongkeun Poé Ahir?
فَذٰلِكَ الَّذِيْ يَدُعُّ الْيَتِيْمَۙ٢
Fa żālikal-lażī yadu‘‘ul-yatīm(a).
[2]
Nya nu kitu téh jalma nu nganyerikeun budak yatim.
وَلَا يَحُضُّ عَلٰى طَعَامِ الْمِسْكِيْنِۗ٣
Wa lā yaḥuḍḍu ‘alā ṭa‘āmil-miskīn(i).
[3]
Tara daék nitah méré dahar ka jalma miskin.
فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّيْنَۙ٤
Fawailul lil-muṣallīn(a).
[4]
Ku kituna, nara Wél pikeun jalma nu sok salat,
الَّذِيْنَ هُمْ عَنْ صَلَاتِهِمْ سَاهُوْنَۙ٥
Allażīna hum ‘an ṣalātihim sāhūn(a).
[5]
(nyaéta) jalma-jalma nu talobéh dina salatna, 962
962) Jalma-jalma anu teu ngahargaan tur ngaharé-harékeun kana salat jeung waktuna.
الَّذِيْنَ هُمْ يُرَاۤءُوْنَۙ٦
Allażīna hum yurā'ūn(a).
[6]
nu migawé riya, 963
963) Riya nyaéta milampah kahadéan lain pikeun néangan karidoan Allah, tapi pikeun néangan pangaleman atawa katénaran di masyarakat.
وَيَمْنَعُوْنَ الْمَاعُوْنَ ࣖ٧
Wa yamna‘ūnal-mā‘ūn(a).
[7]
sarta teu tulung-tinulung (méré) ku barang nu mangpaat. 964
964) Sawaréh ahli tapsir ngartikeun “embung mayar jakat”.