Surah Quraisy

Daftar Surah

بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
لِاِيْلٰفِ قُرَيْشٍۙ١
Li'īlāfi quraisy(in).
[1] Ku sabab kabiasaan urang Qurés,

اٖلٰفِهِمْ رِحْلَةَ الشِّتَاۤءِ وَالصَّيْفِۚ٢
´lāfihim riḥlatasy-syitā'i waṣ-ṣaif(i).
[2] nyaéta kabiasaan maranéhna nyanyabaan dina usum ngijih jeung usum halodo. 961
961) Urang Qurés biasa ngayakeun nyanyabaan, utamana pikeun dagang ka nagri Syam dina usum halodo jeung ka nagri Yaman dina usum ngijih. Dina éta lalampahan maranéhna meunang jaminan kaamanan ti pupuhu nagari-nagri anu diliwatanana. Ieu téh mangrupakeun hiji ni’mat anu gedé pisan ti Allah ka maranéhna. Ku sabab éta, sawajarna maranéhna ibadah ka Allah anu geus maparin éta ni’mat.

فَلْيَعْبُدُوْا رَبَّ هٰذَا الْبَيْتِۙ٣
Falya‘budū rabba hāżal-bait(i).
[3] Ku kituna, samistina maranéhna ibadah ka Pangéranana (nu ngabogaan) ieu imah (Ka’bah),

الَّذِيْٓ اَطْعَمَهُمْ مِّنْ جُوْعٍ ەۙ وَّاٰمَنَهُمْ مِّنْ خَوْفٍ ࣖ٤
Allażī aṭ‘amahum min jū‘(in), wa āmanahum min khauf(in).
[4] anu geus méré dahareun ka maranéhna keur ngaleungitkeun lapar tur ngajaga maranéhna tina rasa kasieun.