Surah Al-Fil
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلَمْ تَرَ كَيْفَ فَعَلَ رَبُّكَ بِاَصْحٰبِ الْفِيْلِۗ١
Alam tara kaifa fa‘ala rabbuka bi'aṣḥābil-fīl(i).
[1]
Naha hidep (Muhammad) henteu niténan, kumaha Pangéran hidep geus nindak ka pasukan gajah? 960
960) Pasukan anu dipimpin ku Abrahah, Gubernur Yaman anu rék ngancurkeun Ka’bah. Saacan asup ka kota Mekah, éta pasukan diserang ku manuk-manuk anu malédogan ku batu-batu leutik nepi ka maranéhna paraéh.
اَلَمْ يَجْعَلْ كَيْدَهُمْ فِيْ تَضْلِيْلٍۙ٢
Alam yaj‘al kaidahum fī taḍlīl(in).
[2]
Apan Mantenna geus ngajadikeun tipu daya maranéhna téh mubah?
وَّاَرْسَلَ عَلَيْهِمْ طَيْرًا اَبَابِيْلَۙ٣
Wa arsala ‘alaihim ṭairan abābīl(a).
[3]
Mantenna ngirimkeun ka maranéhna manuk anu abrul-abrulan,
تَرْمِيْهِمْ بِحِجَارَةٍ مِّنْ سِجِّيْلٍۙ٤
Tarmīhim biḥijāratim min sijjīl(in).
[4]
anu ngabalédogan maranéhna ku batu tina taneuh liket anu diduruk,
فَجَعَلَهُمْ كَعَصْفٍ مَّأْكُوْلٍ ࣖ٥
Fa ja‘alahum ka‘aṣfim ma'kūl(in).
[5]
nepi ka Mantenna ngajadikeun maranéhna jiga daun-daun anu dihakan (ku hileud).