Surah Al-Humazah
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
وَيْلٌ لِّكُلِّ هُمَزَةٍ لُّمَزَةٍۙ١
Wailul likulli humazatil-lumazah(tin).
[1]
Cilaka pikeun tukang nyawad jeung ngahina,
ۨالَّذِيْ جَمَعَ مَالًا وَّعَدَّدَهٗۙ٢
Allażī jama‘a mālaw wa ‘addadah(ū).
[2]
anu numpuk-numpuk harta jeung ngitungan-ngitungan. 959
959) Ngumpulkeun jeung ngitung-ngitung harta anu nyebabkeun maranéhna jadi pedit jeung embung ngainpakkeun dina jalan Allah.
يَحْسَبُ اَنَّ مَالَهٗٓ اَخْلَدَهٗۚ٣
Yaḥsabu anna mālahū akhladah(ū).
[3]
Manéhna (manusa) nyangka yén harta bandana téh bakal ngalanggengkeun manéhna.
كَلَّا لَيُنْۢبَذَنَّ فِى الْحُطَمَةِۖ٤
Kallā layumbażanna fil-ḥuṭamah(ti).
[4]
Lain kitu! Pasti manéhna bakal dikunclungkeun ka jero (naraka) Hutomah.
وَمَآ اَدْرٰىكَ مَا الْحُطَمَةُ ۗ٥
Wa mā adrāka mal-ḥuṭamah(tu).
[5]
Naha anjeun nyaho naon ari (naraka) Hutomah téh?
نَارُ اللّٰهِ الْمُوْقَدَةُۙ٦
Nārullāhil-mūqadah(tu).
[6]
(Éta téh) seuneu (siksa) Allah anu dihurungkeun
الَّتِيْ تَطَّلِعُ عَلَى الْاَفْـِٕدَةِۗ٧
Allatī taṭṭali‘u ‘alal-af'idah(ti).
[7]
anu (ngalérab) nepi kana haté.
اِنَّهَا عَلَيْهِمْ مُّؤْصَدَةٌۙ٨
Innahā ‘alaihim mu'ṣadah(tun).
[8]
Sabenerna éta seuneu téh ditutup rapet pikeun (diri) maranéhna.
فِيْ عَمَدٍ مُّمَدَّدَةٍ ࣖ٩
Fī ‘amadim mumaddadah(tin).
[9]
(Maranéhna téh) ditalian dina tihang-tihang anu panjang.