Surah At-Takasur
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
اَلْهٰىكُمُ التَّكَاثُرُۙ١
Alhākumut-takāṡur(u).
[1]
Paméntéréng-méntéréng téh geus mohokeun maranéh, 958
958) Ajréng dina soal loba budak, harta, anu miluan, kamulian, jeung sajabana geus mopohokeun maranéh tina taat ka Allah.
حَتّٰى زُرْتُمُ الْمَقَابِرَۗ٢
Ḥattā zurtumul-maqābir(a).
[2]
nepi ka maranéh abus ka jero kubur.
كَلَّا سَوْفَ تَعْلَمُوْنَۙ٣
Kallā saufa ta‘lamūn(a).
[3]
Sakali deui ulah kitu! Engké maranéh bakal nyaho (akibat pagawéan maranéh).
ثُمَّ كَلَّا سَوْفَ تَعْلَمُوْنَ٤
Ṡumma kallā saufa ta‘lamūn(a).
[4]
Sakali deui, ulah kitu! Engké maranéh bakal nyaho.
كَلَّا لَوْ تَعْلَمُوْنَ عِلْمَ الْيَقِيْنِۗ٥
Kallā lau ta‘lamūna ‘ilmal-yaqīn(i).
[5]
Sakali deui ulah kitu! Saupamana maranéh nyaho kalayan yakin,
لَتَرَوُنَّ الْجَحِيْمَۙ٦
Latarawunnal-jaḥīm(a).
[6]
pasti maranéh bener-bener bakal nénjo naraka Jahim.
ثُمَّ لَتَرَوُنَّهَا عَيْنَ الْيَقِيْنِۙ٧
Ṡumma latarawunnahā ‘ainal-yaqīn(i).
[7]
Terus pasti sabenerna maranéh bakal nénjo kalayan mata manéh sorangan.
ثُمَّ لَتُسْـَٔلُنَّ يَوْمَىِٕذٍ عَنِ النَّعِيْمِ ࣖ٨
Ṡumma latus'alunna yauma'iżin ‘anin-na‘īm(i).
[8]
Terus saenyana bener-bener bakal ditanya dina éta poé ngeunaan ni’mat (di dunyana).